Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Maret 2014 (24 Naskah)


NU KAPOPOHOKEUN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 23:10:21

Hujan ngagebrét, ti beurang kénéh. Guludug pating jelegér. Tatangkalan, tingpelenod pikasieuneun.
Usum hujan ayeuna mah, teu kudu nandéan bocor ku baskom. Ngeusian imah anyar. Ladang itikurih. Kuru cileuh kentél peujit. Sugema. Sapuluh taun, pulang anting pipndahan kontrakan. Nepi ka budak dilalandi si Délan, alias gedé di jalan.

Dadapangan, utang-itung tai lutung. Semén dua puluh sak. Keusik dua treuk. Bata dua réwu siki. Kai lima kibik. Kenténg sarébu maratus. Awi saratus leunjeur. Dijumlah-jamléh. Boga hutang ka matrial malas jutaan. Nu digawé duaan deui can dibayar. Nu talitian onaman henteu ngabereg. Rada nyénghap tamah.
"Ngopi, Kang...."
Pamajikan, ngasongkeun cikopi. Léos deui, nuluykeun hanca bébérés.

"Trok...trok...!"
Sada panto. Kuniang hudang. Wayah kieu nyémah. Jaba hujan deui. Bulu punduk ngadadak carengkat.

Noong tina rérégan, taya nanaon. Hujan lir dicicikeun ti langit. Buruan lébér, cai ampir naék kana téras. Léb. Léb. Cai terus léb-léban. Némbongkeun momonésna.
"Trok...!"
Panto keukeuh diketrokan. Léb....

LAGRAG TALAK

Kénging Wa Atu
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 23:02:32

Nitih wanci nu mustari. Ningang mangsa nu utama. Dihin pinasti anyar pinanggih. Kiwari geus datang mangsana. Rék paturay. Rék papisah. Najan berat jeung sungkan. Mangsa datang moal bisa dihalang-haling. “Nyai, hampura samudaya kalepatan kuring”. ceurik sumujud dina dampal nu jadi pamajikan. “Muhun Abah, sami-sami, Nyai gé hampura bilih seueur lepat ka abah”. Ngeclakeun cipanon kaikhlasan. “Nyai, najan urang ayuena rék pisah, haté mah moal paanggang, sanés maksad kuring rék megatkeun duriat, komo nepi ka ngabuntukeun silaturahim, ku kuring diémutan nepi ka sarébu balénan, daripada urang ngalakonan dosa baé, unggal wanci paséa, madungdeungkeun bebeneran jeung kasalahan, nepi ka kiwari teu aya solusina”. Walon si Nyai “Muhun, teras kumaha?”. Bari gegeremeut si Abah ngedalkeun sakabeh eusi nu aya dina jero hate. “Muhun Nyai, hampuraaa.sakali deui Kuring ménta hampura, urang nepi dieu wéh laki rabi urang téh”. Si Nyai sakur bisa bengong bangun héran. Curambay cimata nu pinuh mikacinta. Naon, jeung kudu kumaha ngajawabna. Masih aya haté gedé ka nu jadi salaki.

TÉ KA WÉ

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 21:09:25

Dua minggu mati geni. Icih diceuceuh lahir-batin. Beurang peuting ngawirid. "Entong léléda. Keyengkeun kahayang. Ema jeung Abah ngadu'akeun!" indungna nyarita. Leuleus teu dirasa. Awak lungsé teu jadi halangan. Ngagedur kahayang nyugemakeun kolot.
Paroman Icih jadi leuwih geulis. Awakna gamuleng. Nyari sagalana. Cahaya gaib mageran dirina. "Ayeuna mah moal melang teuing. Sing jongjon gawé di ditu, Geulis!" ceuk indungna waktu ngajurung. Opat bulan mulus banglus. Ninggang bulan kalima, dunungan lalaki maksa mirusa. Akibatna, Icih unggah balé watangan sabab kabuktian maéhan.
Sabérésna sidang, Icih digiring ka tempat éksékusi. Algojo geus nyiapkeun pedang nu kacida seukeutna. Manéhna tungkul. Émok cabok. Maca jampé dina jero haté. Éksékusi dilaksanakeun kalayan mulus. Huluna ngagelenceng.
Istighfar sakur nu aya di dinya. Nu nigas kapiuhan. Dokter olohok. Icih hudang deui. Taya tapak nanaon dina beuheungna.

KEUR NU MULANG

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 21:08:13

"Semar semar ya winangnong, semar kuncung pakuning alam." Lurah Semar Badranaya, dihareupan ingkang bojo Déwi Sutiragén, kalih Cépot Astrajingga lan dawala.
"Aduh alah anak! Nyai geulis bojo akang, ogé ilaing Cépot, Dawala, anak Bapa! Anumatak ulah kajongjonan hirup di alam dunya téh. Hiji waktu urang bakal balik Cu! Geura ti ayeuna urang kudu loba nyebut, éling jeung beunta nya!" Semar mapagah.
"Enya Wala euy! Biheung urang moal bisa ningal deui imbit sindén nu bareng manggung kamari euy!" Cépot ngomong ka Dawala.
"Tuh nya Si Aka ♏åћ Batur ♏åћ sedih ditinggalkeun dunungan. Ieu ♏åћ anggur kanu kitu baé." Déwala némpas bari ngadegungkeun sirah lanceukna.
"Aéh aéh menggeus ulah loba sempal kapiguyon Cu! Anggur sih urang munajat, pamugi dunungan urang ditampi amal soléhna ku Gusti Alloh. Hayu urang lumampah jang! Ema ♏åћ di imah baé nya! Bapa rék takji'ah heula." Semar kebat muru Padepokan Jelekong,

KEMBANG PANINEUNGAN

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 20:07:32

Keur anteng nyiram pepelakan, kring telepon ti babaturan awéwé jaman kuliah, bangun sonoeun. “Mangga, samulihna sing sararéhat,” walon kuring. Rus-ras. Teu karasa cai nyérétan sendal.

Sanggeus nu di pakarangan, pindah kana téras. Kuping Gajah, Gelombang Cinta, sarupaning Anggrék, nu ngajéjér jeung nu ngagarantung, bangun saruka bungah. Kasorénakeun pepelakan calipruk. Nu ngararambat teu kaliwat.

Rét kana Aster, Nining némbongan, basa huhujanan di Lémbang. Asa kaanteur, rét kana Anggur, bréh Ririn kawas ngagupayan, “Don’t worry, I’m so happy here.” Lieuk deui kana Bonsai Kiara, bréh mahasiswi Kahutanan. Haté milu cipruk, kacérétan urang kalér, Kidul, Kulon, Wétan. “Deuh éta nu “bokasa”, mani gumasép. ”Harita kuring keuheul lamun digonjak ku kabogohna Ki Sobat. Cenah, Kuring kagolongkeun nu sok bogoh ka sasaha.

“Punten Pa, Ibuna aya?” Bu Haji ngajak pangajian ka pamajikan. Di juru téras Suplir pelak mitoha almarhumah, nyempod. Poho, tadi can kasiram. Suplir nu tara tinggaleun saban pipindahan, saméméh matuh. Mani gomplok.

LEUNGITEUN TAPAK

Kénging Kujang Pasundan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 19:50:45

Kring sora telepon nu disakuan ku Gatotgaca disada. “Saha cenah ieu téh, ngaganggu waé, teu kaop batur cicing?” gerentes Gatotgaca anu keur gégéléhéan dina méga bodas. Bray dibuka “Sampurasun, Émén ieu téh? aya naon Mén tara-tara tisasari ilaing bet nelepon?” Gatot gaca nanya bari cengkat. “Rampés, muhun Tot. Cing kuring tulungan.” jawab Superman bangun nu ajrih. “Aya naon kitu Mén?” Gatotgaca nanya deui. “Ieu balad nagara kuring keur karerepetan. Geus kasalawé nagara ménta tulung, tapi weléh euweuh nu mampuh.” Superman némbal bari ngalengis, “Indit ti nagarana ngajugjug ka China, tapi ditengah jalan méngkol, tepi ka kiwari teu puguh béja. Cenah mah aya di Sagara Hindia” Ceuk Superman mungkas carita. “Oh, éta MH-370 meureun nya?” Gatotgaca nanya negeskeun. “Muhun éta Tot, geuning uninga?” jawab Superman atoh. “Enya keun wé tenang Kuring rék ngobrol heula jeung Nyi Ratu Roro Kidul” Gatotgaca némbal. “Muhun, hatur nuhun Tot.” Superman giak. Klik telepon ditutup.

KEDOK BARONG BALI

Kénging Dinda Mosa
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 19:34:54

Peuting jemping. Srog mobil eureun di pom bensin. "Mah, Ayah ka jamban heula,teu kiat mules." Kuring nu titatadi tibra ngoréjat, les saré deui. Awah awah ngimpi. Trok ! trok! sora kaca panto mobil diketrokkan. Karérét ku juru panon, aya jelema maké kedok barong bali. Euh wayah kieu nawarkeun kedok. Kadéngé jelema nu maké kedok téh ngomong.
"Néng ninggali ka dieu atuh!"
"Ulah diganggu, karunya keur saré!" ceuk sora lalaki di hareupeun mobil.
“Enya euy, embungeun nempo, saré waé" cenah. Asa belegug jalma téh nawarkeun barang mani teu sopan. Les kuring saré deui. Brug ! sora panto mobil ditutupkeun.
"Mah, badé ka jamban teu?" salaki kuring nanya
"Henteu Yah. Éta nu dagang kedok mani maksa, ngetrokan kaca sagala geura."
"Ih, mana nu dagang? sakieu jemplingna.”
"Itu tuh aya geuning di juru."
"Dagang naon?"
"Dagang kedok barong bali"
"Emh éta mah…" belesat mobil lumpat, sigana gas ditincak satarikna.

SUGAN WE KADANGUEUN

Kénging Rochmat Tri Sudrajat
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 18:45:19

Lima lengkah ninggalkeun gerbang kampus. Cimata nyurulung teu bisa katahan. Karasa keneh haneutna leungeun babaturan, sobat, jeung dosen nu papanggih tadi. "Mudah-mudahan Apa enggal damang," Pa Diat milu ngadoakeun.
Lamun Bapa heunteu kena stroke, meureun masih bisa kuliah. Teu kudu pindah imah ka lembur Bapa. Boro-boro bisa kuliah, resiko sapopoe ge bati jujualan barang nu aya. Nu jadi bapa saacan stroke ngaduda ngurus budak aya tiluna. Usahana beuki dieu beuki orot, modal sering kabancang. Beban pikiran teu katahan deui, ahirna keuna ku stroke. Kuring nu tadina hirup sauukur kuliah, ayeuna pikeun ngabantuan ekonomi kulawarga, nya tiap isuk dagang sangu koneng, beurangna jadi pelayan toko. Lima waktu tara kaliwat, lian kawajiban aya kanikmatan waktu ngadoa. Sabab ngadoa, ihtiar jeung percaya, jadi modal hirup kuring ayeuna. Sugan we,doa kuring kadangueun ku nu Maha Kawasa.

MAGHRIB

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 18:45:16

Ngong adan magrib. Barudak teu maliré. Anteng na tipi.

"Aa, Néng solat yu!" Cekéng.
"Engké...," ngarenghik.
"Tos adan!"
"Alim ah, horéam."
"Eh, teu kengeng kitu pan badé ngaduakeun Abi!"
Duanana mimiti nguniang. Lénglé.
"Tapi alim wudu...," ogo.
"Naha?"
"Tiris."
"Maenya badé papendak sareng Néné kedah ibak heula ari pendak sareng Alloh kucel!" Cekéng ngolo.
"Ah Umi mah..." rampag. Bari ngaléos ka cai.

Si Cikal nu karék tujuh taun komat. Tuluy takbir. Ngaimaman. Cimata ngamalir. Reueus.

STATUS

Kénging Neni Yuhaenah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 17:47:38

Dina poe Minggu, kuring sakulawarga indit ka Tasik nganteurkeun budak nu béak waktu peré sakola na. Sanajan kendaraan loba, perjalanan ti Rancaékék mah ngareunah, lancar. Palebah Gentong, kendaraan mimiti rundag randeg, tungtungna macét pisan. Tamba kesel, kuring nyieun status nu padu jadi.

Kabeneran status téh aya nu maca, tuluy manehna mairan. Bari jeung panon dibelél-belél gé lantaran poék jeung awak teu cicing, kuring anteng fésbukan. Ku sabab waktu geus ngahaeub ka peuting, nu mairan téh undur permios. Kuring ngagéléhé, peupeureuman. Panon geus mimiti cepel, tapi karunya ka supir istiméwa euweuh nu ngajak ngobrol.

Ting! Hapé disada. Kuring ngilo eusina.
“Cié-cié, si Ibu. Ehm ehmh. Kade ah!”
Kuring ngahuleng teu ngarti maksudna. Bari rada keuheul dijawab, “mémangna kunaon?”
“Kataji ku status Ibu.”
Dina status kuring nulis : Rékép, ngarayap, ngarandeg.

BORN TO STRUGGLE AND WIN

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 17:09:43

“Aing datang ti Tanah Pasundan. Meuntas Selat Sunda, lain rék jadi pacundang.” Cahaya Suminar ngagerendeng bari mariksaan deui pigugataneun. Bisi aya anu kaliwat jeung salah ketik. Istilah-istilah hukumna kudu bener, supaya nu dipimaksud, aya hasilna. Manéhna rék nyieun sajarah. Ngagugat hiji koperasi, nu dijadikeun kedok ku Si Gegedug karaman. Salila puluhan taun ngawasa tur nandasa nasib rébuan patani, kaasup ngawasa tanah kliénna, nu sabenerna teu pernah jadi anggota koperasi. Gugatanana kudu jadi cukang lantaran para anggota koperasi, malikir, ngahiji, tur warani. Lain ngan gegelendeng tukangeun. Ngajaredog taya usaha ngejat tina keupeulan Si Gegedug, nu hartana pabalatak, pamajikan leuwih ti hiji, jeung teu weléh diriung-riung jongosna nu bararangasan.
Béja, pabéja-béja. Pajar, Cahaya meunang musibah. Warta gedebus balakacaprut jadi kabiasaan Si Gegedug keur nyingsieunan lawannna. Matak sawan nu borangan.
Langit ceudeum. Cahaya tanggah. Manéhna, tetep kudu ka pangadilan. Sumanget.
“I was born and come here to be the winner. Bismillaahirrohmaanirrohiim,” dungana.

SONO

Kénging Cucu Unisah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 16:52:39

Geus tilu peuting guling gasahan. Hésé saré. Ingetan cumantél baé. Teu kaur pisan ngalenyap. Ngarasa leungiteun. Geus lila teu nempo liuh paneuteupna, ku getén ngariksana. Kiwari ampir sataun teu panggih, haté kebek ku rasa sono. Rék dipanggihan téh asa-asa, bisi sibuk ku pagawéan atawa keur loba urusan.
Hapé dicepeng pageuh. Rét kana nomer telp nu kari mencet, tapi tetep teu méréan. “Géngsi ah! Kumaha mun engké jadi adigung terus ngalélécé. Piraku awéwé nu miheulaan muka obrolan!”
Ahirna bati ngahuleng. Ngawawaas nu geus lawas. Dedegana nu bangbang, seurina nu nyari, jeung tutur basana nu mindeng mépéndé haté.
Kop kana laptop, bray... layar muka lalaunan. Térélék ngetik ngaran manéhna.Teup nu dipikasono téh keur seuri. Diteuteup anteb.

Gebeg! “Naha fotona béda ti sasari? Ayeuna mah ning diganti?” Gedengeunana aya awéwé jeung dua budak nu sarua ngarajak seuri.

WANGKONGAN URANG KOLONG JAMBATAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 14:37:52

“Cénah aya dualas partéy, tapi uingah kaos téh ngan kakara meunang lima ,euy...!”
“Nya lumayan wé atuh sakitu mah, da uingah ngan ukur meunang dua. Keur naon bet loba-loba teuing?”
“Lumayan euy keur pisalin lima tauneun ka hareup. Gampang keur ka handapna mah urang néangan urut-urut spanduk atuh keur pikoloreun!”
“Ari dina waktuna, rék datang ka TPS atawa moal, pan geus kagok ula-ilu kampanyeu?”
“Lah, rék naon?...Pan urang mah geus ampir tilu kali pemilu gé teu narima surat panggilan, da teu boga KTP!”
“Aéh...heueuh nya! Iraha atuh urang téh rék dianggap jelema? Komo bari jeung dijelemakeun mah. Kapan ti pemilu ka pemilu gFikmin

ALPUKAH BAPA

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 14:18:01

Ceuk ema, tugas bapa kacida mulyana. Buméla ka masarakat, nanjeurkeun hak asasi. Di kantorna, bangun genah. Hayoh wé gogonjakan jeung batur-baturna. Mun karesel, mindeng lar sup ka sakola. Wawuh ka sakabéh kapalana. Geura, basa tésting, babaturan mah, Si Wian, ngapalkeun bébéakan. Angger teu ditarima. Kuring mah tésting gé tamba henteu teuing wé. Najan taya ngaran kuring dina pengumuman nu ditarima, teu burung asup. Genah tumaninah. Taya nu nyisikudi. Jaba teu kudu iuran. Bebas béaya. Atuh lamun rada melid ka sakola, bapa pinter mantuan néangan alesan. Kuring mah kur ngadéngékeun kapala sakola laporan ka bapa. Bari seuri. Unggut-unggutan. Atuh dina teu naékna, bapa jago ngalobi. Sakola teu burung tamat, jiga batur. Hayang gawé, bapa nu ngusahakeun. Hanjakal ayeuna mah bapa téh geus rérémpo.
“Éd, nasi goréng. Kadé, ti nu biasa, nya?” Dunungan ngagentraan.
“Siap, Pa!” Kuring unggeuk, apal karesepna. Wian, éh, Pa Wian ngasongkeun duit. Teu weléh handap asor.

IMUT KANGGÉ NU PUNDUNG

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 13:19:37

Élékésékéng. Di terminal. Élf ngetém kénéh. Pabeubeurang, mentrang-mentring. Ngarahuh. Iraha tepina? Tapi, manéhna gilig. Mulang waé. “Kamu selesaikan skripsi bulan ini, atau pulang saja!” Nyel. “Harusnya mudah atuh, buat anak kiyai mah….” Moal nampik dijejeléh. Atawa disebut bodo. Rumasa, kamampuhna pas-pasan. IPK biasa-biasa. Rék lulus, hésé pisan ngalakonanana. Ngeureuyeuh, dileukeunan. Tapi, ari bapana disabit-sabit waé mah, aral ogé antukna. Kabeungbeuratan. Geus saateun cimata. Abahna, ajengan pasantrén gedé. Matak reueus, ogé sangsara. Asa mending kénéh jadi anak jalma biasa. Istigpar.

“Kuliah, Néng?” Unggeuk. Sumeblak. Sagigireunana. Kasép, marahmay.
“Nyungsi élmu mah mémang kedah tigin, nya? Ulah gampil sumerah. Dijugjug, ka mana waé. Komo élmu kasajatian mah.” Bet cumelecep. Sasari mah piboseneun.
“Sami badé ka Panjalu?”
“Muhun.”
Rét. Babawaan, ‘na lahunanana. Belenyéh. Bangun nu surti. “Ieu téh….” Lawonna dibuka. Bréh. Batok kalapa, eusina cai. Katémbong bolong handapna. Tapi, teu ngucur saeutik-eutik acan. “… cai Zam-zam.” Gebeg. Rus-ras. “Nepangkeun, Borosngora.” Imut kareueut.

Luk. Marojéngja.

NOMER SABARAHA

Kénging Agus Sugianto
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 12:45:34

Aya eungkeut-eungkeut hirup téh. Waktuna syukuran. Bisi katulah. Pamajikan satuju.
"Nasi kotak wé, Pa," cénah. Panonna anteng kana eunteung bari memener kongkorong.

Peutingna. Kadua Si Cikal nguriling. 150 nasi kotak dina bagasi. Panon ngulincer.
Awéwé nyarandé dina tangkal kihujan. Nyalingker nyingkahan sorot lampu. Wedak camohok nutupan hideung jeung ramijud kulit. Diliwat. Inggis aya nu nganyahoankeun.

Limaan tukang béca diharudum sarung. Garapléh dina trotoar. Nyel sebel. Pangedulan! Mobil ngadius meulah peteng.

Imah-imah kardus sapanjang rél anu tadi comrék ngadadak bruy-bray. Lalaki ngongkoyang sarung. Awéwé ngaléléké. Barudak nyusut irung ku leungeun baju. Leungeun-leungeun ranggah sieun teu kabagéan. Nu ménta dua-tilu. Keur budakna. Keur bekel ngaronda. Panon asa panas. Haté beukah. Hirup asa kuéh lapis.

Nu disarung nyampeurkeun. Bau belenok.
"Tong asa-asa Bapa, mangga," ceuk Si Cikal.
Gondok lakina turun-naék. Meureut tungtung sarung.
"Dupi Bapa sareng Adén téh caleg nomer sabaraha?" Meg. Bulan nyikikik tukangeun mega. ***

NU KEUR STRESS

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 08:49:14

Anjir uing meni nyeri hate, sms teu di waro, bbm teu di anggap, sakalina di jawab malah di putuskeun bikang.
Padahal mah jauh di jugjug anggang di teang sok bari leumpang nepika egang.
Kop badak kop maung, moal melang moal nineung, da kuring mah jalma ludeung, buktina ayeuna kuring anteng.
Awewe lain hiji, ceuk babasaan ge dunya teu sadaun kelor, ayeuna tinggal kumaha carana kuring neang deui awewe nu matana bolor.
Da mun teu bolor pamohalan aya awewe nu daek ka lalaki nu ngan boga modal eusi kolor.
Tong ribut, kuring rek molor.

LAWANG JAGAT

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 08:28:00

"Om...."
Budak umur malas taun nawarkeun awak. Budak umur malas taun nu geus boga budak.
"Om...."
Baragadal. Sampulur. Bulan sampurna hurung ngempur. Hanjakal pelongna hapa ku simpé.
"Om...."
Hégakna ngacampaka. Jarijina ngamalati. Ngelemeng gurat-gurat rénghap supir treuk, tukang ojég jeung bandar sapi. Ngajadi daki.
"Om...."
Hatong karéta ngajéréwét. Rerenghos. Imah kardus ngagibrig kabulusan. Dipan ngaderekdek nyeri walikat. Éncok nahun, mimiti nguliat.
Créng. Mayar napsu. Saratus réwu.

Torojol Déwa awuntah ménta jatah. Diasongan sagepok tungtung layung.
"Kula rék meuli langit!"
"Wani sabaraha?"
"Ménta sakumaha?"
"Tukeuran jeung sawarga."
"Okeh, déal?"
Sakiceup jeung saharéwos.
"Jagat jeung langit nu andika."
Bébér layar. Téater hiji imah kardus geus lekasan. Ti imah kardus kadua, katilu, jeung kaopat, jul-jol..., jul-jol. Dialanteurkeun ku balébat, nu harayangeun diiwat ku malaékat.

DITALIKUNG TIUNG

Kénging Yoen Yoeliztya
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 08:23:24

"Hatur lumayan." 'Si Waos Konéng' ngasong-ngasong tiung umyang.
"Paranti sadidinten." 'Si Biru Raja Ngahuntu' embung éléh nyodorkeun tiung paul.
"Kanggo pangaosan." 'Si Panon Héjo Ka nu Donto' ngasrog-ngasrog tiung bagedod.
"Tiung karuhun, anggo!" 'Si Beureum Peupeuleukeuk' maksa ngabebeskeun tiung euceuy. 'Si Belang Manah', 'Si Samutut Rubak Sungut', 'Si Bandar Daging Atah', 'Si Bungur Ka Cungur-Cungur', 'Si Nanahaon' balap ngawur-ngawur tiung. Kalan-kalan silih réngkas. Bébéakan ngadu obral. Tiung aing panghadéna. Tiung aing jieunan déwa. Dapon payu saharita.

Beurang peuting tiung ngabrul tingbelesur. Tingkalayang ngarungkupan unggal sirah. Awéwé lalaki teu paduli. Nu embung disuntrung-suntrung, dijenggutan, disebut balad sétan mumul ditiung-tiung acan. Nu sadrah namprak narima, dikawin, dijieun balad. Tiung nu jadi maharna.

Dina mangsana lekasan padungdung. Tiung nu ngahunyud satangtung gunung, ngarapung nyusul layung. Ngahiang ngawang-ngawang, taya tapakan. Ukur ninggalkeun sabaris catetan. Nu jaga bakal ditanya ku nu Kagungan.

DEAR FIKMIN

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 08:14:13

Salasa, 31 Maret 2014
Mangsa hieum beungeut, Kang Iwan jeung kulawargana datang nanyaan. Bungangang. Asa kumalayang. Najan ka balé nyungcungna mah can disaklekkeun. Ngadago réngsé Ujian Nasional.

Saptu, 5 April 2014
Mangsa lingsir ngulon, Kang Iwan ngajak nepungan kolotna di Garut. Kolot kukut, cenah. Nu lila mikanyaah manéhna. Malah dipoto bareng heula. Karasa lelebna kanyaah indungna. Malah hayang dipoto duaan sagala.

Senén, 7 April 2014
Mangsa sareureuh budak. Aya gudawang nu parna dina paroman bapa. Asih jeung kapeurih ati kapatri ngajadi hiji, basa ditembongkeun poto di Garut téa. Najan teu cumarita.

Saptu, 5 Juli 2014
Isukan kuring dirapalan. Isukan kuring mungkas mangsa lalagasan. Ngan aya jungkrang lungkawing ngadadak dina dada. Bi Éli cumarita, éta téh indung kuring nu dibejakeunna mah geus taya dikieuna, éta téh awéwé nu ninggalkeun bapa basa kuring karak dua bulan gumelar di alam dunya. Poto ragrag ka juru dipan.

CATETAN BALÉBAT

Kénging Ida Nurulhuda
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 07:16:58

Hujan ngagebrét nepi ka liwat tengah peuting. Urang teu bisa kebat lumampah. Nyiruruk di rohangan nu sarua simpéna. Asih nu lawas pakait, jeung asmara nu sarasa. Harita bedah, ngagulidag jadi caah. Urang ngangkleung silihrungrum. Laju kalangsu nyacapkeun rasa katresna. Ngalilir mangsa balébat. Gebeg! Reuwas, anjeun nyampak dina keukeupan. Ngoréjat. “Dosa, Kang. Dosa urang,” nginghak. “Hampura,” kuring nyegruk. Urang ngocéak. Dina unggal sujud. Reged ku geugeuleuh lamokot ku kokotor, teu leungit najan samenit. Ti balébat ka balébat kumolébat seuneu nu ngabebela. Panasna leuwih ti misti. Ngaléntaban. Ngahuru sakujur awak, nepika rangsak. Nagih tobat ‘na unggal rénghapan urang. Bungah, reuwas, wirang jeung keueung basa Wening gumelar. Anak urang.

Mangsa balébat lir samagaha. Maca lalakon nu ngabarobahkeun jalan carita. Bréh, pameunteu Apa. Linduk marahmay, éstu ningtrimkeun. Kiwari nyeuitan ati. Sok kawas nebihan mun dideukeutan nalika anjeuna gaduh abdas. Tilu minggu deui Wening rék ngadahup ka Ahmad. Apa moal ngawalian.

SAGELAS KOPI HIDEUNG

Kénging Ogyy Tara Balaga
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 06:56:54

Sagelas kopi hideung. Maturan rungsingna pipikiran. Marojéngja, samar kahayang. Ukur seungitna nu malikeun pikir. Ukur celenét panasna nu mulangkeun sadar. Sagelas kopi hideung. Ibarat jalan hirup kuring. Hideung tapi amis. Amis tapi hideung. Top geulas dirampa. Gurubug, panas ning? Jalan hirup kuring ogé panas. Mapay-mapay lamping dosa. Naék turun gunung doraka.

BISMA

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 06:26:11

Mun seug kuring aya disagédéngeun Bisma anu gagah, jeung sakti meureun bagjana moal kagambarkeun. Hanjakal geuning, héséna nataku. Anjeuna tigin kana jangji pikeun ngajaga Karajaanna, jeung ibu Ratu nu haweuk kana kahormatan jeung tahta.
Kudu kumaha kuring ngarayuna. Geus béak déngkak kuring ngarayu kalah asa wirang sorangan.
Beu, bet jadi cau ambon dikorangan, kaliki ka pipir-pipir. Percumah aing dioperasi jiga Syahrini.
"Kakang.. Naha anjeun teu daék narima cinta kuring?" nu ditanya ngan saukur neuteup jero, weuh seuri saeutik-eutik acan, najan kuring nyoba ngajak seuri jeung ngiceupan.
Anéh, naha pélét ti Maronggé teu mental keur manéhna mah.
Jelegér, guludug ngajelegér pareng Bisma ngajawab. "Aduh...! Punten Nok, sanés alim kasalira, mung Kakang téh isin, apan nembé sasih kamari Kakang dikabiri ku Ibu Ratu."

NAHA NIPU…?

Kénging Nanie Her
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2014 06:14:41

Ema-ema tengah tuwuh diuk gigireun, perhiasanna reunceum, unggal ramo dialian, geulang na sagedé ranté buricak burinong, geus puguh kongkorongna panjang sacangkéng. “ Néng badé kamana ?” Pok na. “Ka Bandung, dupi Ema ?” Cékéng. “ Jakarta” tembalna. Teu Lila beus eureun, naék penumpang, jajaka gandang, gék diuk gigirin si Ema. Palebah tanjakan gentong nu pungkal-pengkol, si Ema saré. Jajaka gandang ngarayap kana leungeun si Ema, ngalaan geulang, terus kongkorongna. Kuring teu bisa walakaya sieun, geus pasti éta copét mawa baladna. Saenggeus ngararad perhiasan, jajaka gandang cengkat pindah katukang. Kuniang si Ema hudang, bari ngarampaan perhiasanna, kanyahoan aya nu maling, tapi haré-haré teu ngomong, malah nuluykeun deui saréna. Kuring olohok. “ Naha si Ema tenang-tenang baé , sakitu perhiasanna di copét?” gerentes haté. Teu lila Kadéngé sora. “Kiri…” Jajaka gandang nyampeurkeun, bari ngalungkeun bungkusan ka lahunan si Ema. “ Dasar nini-nini tukang tipu…!” ngagorowok bari turun.