Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Maret 2014 (28 Naskah)


SUMANGET

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 23:48:30

Nganjang ka sobat lawas mangsa SAA, di jalan Sétra Sari, perumahan Sétra Duta. Sepi tempatna téh, imah-imah nu sigrong siga nu taya eusian. Mobil kuring nyisi, geus tepi kanu dijugjug. Jrut turun, laju mencét bél. Ngarandeg. Ningali rentang-rentang aya anu nikreuh bari nanggung. Kapireng sorana beuki lila beuki harus da ngadeukeutan.
"Sol Sapatuuu...! Sol Sapatuuu...!"
"Tatin...!" Kotka ngarénjag, babaturan geus aya digigireun, krét...! Khadimatna mukakeun pager. Kuring terus mencrong ka Si Mamang tukang sol sapatu tepika ngilesna.
"Aya naon, Tin? Kurang-Kerung bari ngahuleng kitu?" Ceuk babaturan. Kuring saukur mésem. Bari leumpang abus ka imahna, anu tipe sarébu boa nya? Sakitu upluk-aplakna. Pikiran nyantél waé ka Si Mamang. Hédéd tah sumangetna. Di tempat nu samodél kieu, sapatu rusak mah sigana kari ngalungkeun wéh ka jarian teu kudu disol sagala. Tapi ku kayakinan anu kuat, yén usaha mah lain téori, tapi kudu dijalankeun, pastina nu ngajadikeun manéhna optimis téh... Élmu yeuh!

DUIT SIAL

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 23:16:26

Geus jadi kabiasaan ari keur tanggung bulan téh sok sarwa koredas. Nya eusi dapur, nya eusi dompét. Teu heran sok loba nu gali lobang tutup lobang. Kitu deui nu kaalaman ku Nyi Emar sok sarwa bingung ari tanggung bulan téh. Tapi manéhna boga kabiasaan goréng sok kakaradah kana baju, dompet atawa kana barang naon bae milik salakina, ari tanggung bulan téh. Biasana cenah salakina, Mang Idan sok nyumputkeun duit. Hiji waktu mah manéhna pas kakaradah kana baju teu manggih, tuluy nu dikaradah téh kaos kaki.
“Tah, geuning aya duit yeuh dina kaos kaki!” Ceuk Nyi Emar nyorowok. Salakina nu keur lalajo maén bal katempo reuwaseun.
“Duit sial éta mah Nyai!”
“Duit sial naon Akang?”
“Nya duit sial wé, geus disumputkeun sakitu bunina, sial kapanggih wae!” Tembal salakina ti ruang tamu.

BONGAN MANGSA KATUKANG

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 22:50:21

Rasa guligah ngajomantara. Mapakan mega neja ka aras marcapada. Dipapaes ungkara sajak Godi Suwarna dina sela-sela aweuhan seahna hujan cimata.
Puyuh tenung ngawut-ngawut kalbu. Basa bentang nyirorot mapag guligah di hambalan langit katresna. Anjeun seba kahayang sangkan tinekanan, ngambah mang laksa rasa.
"Engkang, pibanda ati kuring!" Basa caah katugenah neumbag keuna mamarasna.
"Enung, anjeun nyalira neja nu lian. Naha ayeuna datang?" Juuh murubut sieun katenung.
"Pan wakca nu baheula." Sorotna menta katresna najan pasesaan kala.
"Bongan Enung balilahan. Ayeuna lain mangsa katukang."
Hujan marag tan katahan. Ngiring diri nu amit binarung kinkin.

KAREMBONG SUTRA KAYAS

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 22:44:42

Engkang téh atuh dimana tos lami teu mulih-mulih, abdi tos taak ngantosan tos bosen ngétangan sasih, ras kana nasib. Diri sering sumambat sumegruk asa teu gaduh dosa, nanging teu kalis prihatin dodoja téh lir nu keuna ku supata. Naha naon atuh margina engkang téh dugi ka lali, da menggah diri abdi mah asa teu kirang gumusti, gumati lahir batin teu luntur pengkuh sumujud, satia mikatresna wekasan diapilain luas nolas ka nu teu tutas miwelas.
Duh engkang tangkayan nyawa tingali waruga abdi, ampun dugi ka kieuna abdi téh udur tos lami, mung engkang landong nu matih, méméh abdi manjing kubur ku hoyong patepang heula, bilih moal lami deui puput umur gumelar nutupkeun layar. Saéna aya panglajer nu ngabanding siang wengi, tilam katineung ti engkang nalika pasini asih, engkang kantos maparin panglipur panundung wuyung, karémbong sutra kayas ku abdi dipusti-pusti dipijimat wasiat raga duriat.
Pangrurub mun diri kena ku pati.

DI HIJI PÉNGKOLAN

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 22:12:58

Lebah péngkolan, opat lalaki jlung-jleng tina motor. Wanci ngised ka janari. Bedog ngagurilap ku enyay bulan. Nu hiji tuluy hohoak badis karaman baheula: harta, nyawa, atawa eusi calana? Nyi Mojang ngarenyu imut, menerkeun baju nu ngaléléké. Buukna ngariab, panonna seukeut taya kagimir. Batan ngejerit mah, anggur ngahuleng meres ingetan. Nu mimiti ngolébat téh konci roda.

Hiji peuting, duka iraha, manéhna kakara balik ti vila, maturan lalaki nu beurangna sok maké dasi. Nyemprung duaan dina mobil bari pabaeud-baeud. Can aya kasapukan. “Maké kawin sagala, naha teu cukup ku duit jeung mobil?” cék nu lalaki. Manéhna asa disapirakeun. “Sok, diumumkeun sakalian!” pokna. Der paséa. Mobil eureun lebah péngkolan, manéhna disuntrungkeun, nyungkur kana caringin nu karék satangtung. Nu lalaki ngajéwang konci roda, habek kana tarang jeung embun-embunan. Les manéhna teu éling.

Ayeuna, manéhna aya nu megat. Teu ieuh reuwas, nu puguh mah malik kerung, nénjo caringin nu ngajungkiring, areuyna nyapuan taneuh.

BULAN SEMPLÉK

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 22:00:40

Selentingan meunang béja. Cénah Ii teu satia. Tapi Aa teu yakin lamun Ii meta kitu. Naon hartina harita kedal jangji handapeun bulan mabra. Didadamparan samak katresna. Dipasieup galindengka asih. Silitukeuran eusi haté. Teu kapalang Ii masrahkan imut jeung kareueutna. Aa teu sirikna giung tur lalanjung. Malah nepikeunka katurelengen. Dina mangsa purnama anu katilu Ii kedal ucap bari nunjuk langit angkeub. “Aa, bulan teu némbongan, boa télat?” Ii nyuuh dina lahunan. Da enya bulan teu kungsi némbongan deui. Dijawab ku gebrétna hujan. Tatit patingbarasat. Guludug patingjelegur. Neumbragan jajantung anu ratug. Aa mecleng kapangpéngkeun ku rongkahna angin. Ii ukur ngalimba bari ngusapan beuteung. Mama nulak cangkéng bari tutunjuk. Tapi teu burung haté Mama léah. Sarénghapan. Najan pameunteuna wéra. “Nyingkah siah!” pungkas Mama. Aa nu kiwari dihuru rasa timburu ukur bisa nyawang bulan. Ti anggangna. “Bulan aing!” belewer dibalédog ku haté. Pré. Peupeus mancawura. Sesemplékanana nanceb kana tarang. Cer getih. Pacampur jeung keusik.

TRESNA JEUNG BALUKARNA

Kénging Deni Gusniman
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 21:33:26

Jduk! Indung suku kuring karasa ngajedud alatan najong batu jalan,
Nyeri? Tapi ieu dada anu karasa leuwih nyeletit ngagolak, méréwédéh raheutna, Peurih? Tangtu, lain meumeueusan deui. Hareupeun beuki mongkléng, Poék? Bajrédna ieu haté leuwih kapoékan. Cihcir ngencir marengan saparat jalan. Sieun? Aynamah kasieun kuring geus laas kalindih kaambek mentegeg, Tohaga. Léngkah beuki hampang, ngalayang? Pangacian kuringmah malah geus ti tadi ngawang-ngawang mapay-mapay taktak méga numpak Sukhoi menang nganjuk téa, hareupeun anjeun imut ngalangkang teu antaparah , Braaak! Panto ngajengkang kuring ngajapapang manéhna ngalayang ilang kuring rikat hudang ngan raga asa pageuh muntang ngajak ngadapang. Panon beuki ranyay indung jeung bapa maruru sing garoak, kuring ramisak “Hampura Mam, Empap kuring gagal menangkeun Putri Dyah Pitaloka alatan geus kapiheulaan ku Raja Majapait.”
“Matak ogé atu sujang kudu nalipak manéh ieumah jauh bumi kalangit deuleu angguran ubaran tah suku jeung hulu apan isukan arék mencug di Mang Jaja lain?”

NGANGRES

Kénging Ian AS
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 20:26:33

Hiji mangsa, balik ti Basisir Laut Pakidulan Garut. Wanci geus sareupna, hujan ngaririncik, jalan, maklum di pagunungan, diharudum halimun ipis. Matak kelar oge jeung hariwang. Ras inget kana shalat, rurat-reret ka sisi jalan ninggalian, sugan jeung sugan aya masjid.

Memeh asup ka Kota Kacamatan Cikajang, kareret aya masjid, agreg jeung lega. Reg mobil dieureunkeun, jrut kuring sakulawarga turun, terus muru masjid. Reres wudlu, sup ka jero. Leketey hate ngarakacak, ninggal pangeusi masjid ngan tiluan, dua ma'mum katiluna imam, bari ngan aki-aki geus tawehwoh. Ya Alloh... ya Rabb, naha kieu gambaran kaum muslimin pada umumna di negeri nu cenah mayoritas pangeusina ummat Islam?

***

Rada reugreug, di lembur sorangan mah aya kana lima genep jajarna. Tapi kateuing tah, lamun barudak santri keur saruwung.***

CIPLES

Kénging Ayah Iki
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 18:45:34

Harita Engkin geus nincak 6 taun. Bubuhan kasebutna anak cikal, kanyaah kuring tamplok kamanèhna. Hiji mangsa Engkin ngarenghik mènta hènpon. Teu talangkè deui geuwat dipangmeulikeun sok sanajan kapaksa ngabancang resiko dapur. Bapana nanyakeun naha mènta deui duit balanja, kuring ngajawab kapakè mayar arisan, ngalayad, jeung sajabana. Rèt ka budak nu keur husu noèlan hènpon, pok nanya dipangmeulikeun ku saha? Samèmèh budak ngomong kuring rikat miheulaan ngajawab ti ninina. Hiji mangsa tatangga sabeulah ngabejaan yèn Engkin ngajual hènpon ka anakna, pokna bari nembongkeun jinisna. Lekasan solat Isya, kuring nanyakeun hènpon ka Engkin. Manèhna ngajawab tinggaleun di sakola, geus ditèangan kamamana welèh teu kapanggih. Emh... meni ciples.

HAMPURA

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 18:44:17

"Ngérakeun siah!"
"Naha?"
"Boga kabisa naon?"
"Naon, ieu teh teu puguh-puguh?"
"Deuleu! Ku manéh!"
Gebeg, Ray, pias. Késang ngagarajag. Beureum beungeut. Boro pamikir uingah asal kotret "Tembak dan lupakan" Mangkaning nu maraca fikmin uing téh lain jalma joré-joré, kabéh wedel ku pangarti. Ogé, Leuwihna. Sok mairan, ngoreksi mere sumanget. Ah, Uingah engké deui kajeun saminggu sakali dina fikmin pulsaan, meunang mah pimanaeun, tapi teu kitu ari milik mah. Ayeuna mah ngadepong macaan, nengetkeun sangkan jadi fikminer hébring.
"Heueuh! Kudu kitu ari boga ka rumasa mah! Oyooon..!".

TÈKAD

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 17:45:08

Sengar-sengir nahan mules. Cangkéng panas teu puguh rasakeunnana. Nahan kanyeri, tapi biwir mereket ngabayangkeun waktu manéhna ngalengis hayang boga budak, “Neu...Tulungan Akang, sapuluh taun Asri can méré turunan !”
Mules merekpek, ngageroan bi Anah, “Bi...Néangan béca cuang ka bidan.” Bi Anah geumpeur, némbalanna ngadégdég. “Néng...Cuang nelepon Adén nya?” “Entong!” Cekéng nyentak. Srog béca, gancang bi Anah nyangkéh dibantuan ku tukang béca.
Béca ngageuleuyeung. Di jalan perewis jeung mobil manéhna. Katingali ceu Asri calik di payun. Manéhna terus rasa, panonna beueus neuteup panon kuring. Rémpan.
Tepi ka bidan. Langsung ka ruang bersalin. Heuleut sawatara jam orok borojol. “Alhamdulillah.” Gerentes haté. Ngajoprak teu walakaya. Antara sadar jeung henteu, kadéngé bidan nerangkeun, “Pendarahan Pa, janten kedah perawatan inténsif.” Teuing iraha datangna, ngan karasa ngeukeuweuk leungeun tuluy ngagaléntoran. Teu bisa cengkat, ngan manéhna, budak, ceu Asri ngelemeng minuhan sirah. Utamana ceu Asri kerep ngelemengna. Nguatkeun patékadan nu datangna basa beuteung karasa.

UJANG

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 15:42:46

“Jang, cing mang menerkeun kenténg, tuh kamar balocor!” Umi nyarita ka anakna anu keur lulungsaran nyoo gim.
“Ah, Mi, carapé Ujang téh.” Ujang némbal bari jongjon teu miroséa.
“Jang, cing mang miceunkeun runtah, bisi dikoréh hayam!” Umi nitah deui Ujang anu masih anteng.
“Ké, Mi ieu nuju ramé, kapameng.” Ujang teu nolih kana panitah Umi
“Jang, geus beurang geura dahar kadituh, aya daging hayam paméré Bu RT.” Umi nitah dahar ka Ujang.
“Muhun atuh Mi, Ujang téh bisi pajarkeun budak nu bedegong, Umi tos miwarang dua kali teu digugu. Ayeuna mah ah nu katilu badé digugu wé, sieun doraka.” Ujang nguniang muru ka dapur.

TINEKANAN

Kénging Erna Yuliana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 13:15:09

Kuring bagja, ti saprak gubrag ka alam dunya teu kungsi sangsara. Sanajan Bapa anteng jeung nu ngora. Indung dihelaran kunu lian. Sagala kahayang dicumponan, paménta teu weléh ditedunan. Ukur modal léléndéan najan sakapeung jadi bahan pipaséaeun. Paké tinggal rap dahar tinggal am.

Waktu manjangan, umur nambahan. Awak beuki ngajangkungan. Nu mikanyaah beuki héman.

"Bu isuk bapa rék miang, si Jalu rék dibawa sakalian."
"Jung ka dituh sing jauh! Di dieu gé euweuh gawéna, teu kaarah tanagana. Ukur méré geugeuleuh maneuh."

Jul jol nu daratang, kuring tetep jadi béntang.
"Mana nu Bapa? Sok cuang abenkeun!"
"Kéla naon tandonna?"
"Sawah sabau jadi milik didinya."
"Teu hayang, teu saimbang."
"Naon atuh nu jadi korban?"
"Kakawasaan nu dipiboga ku Bapa."
"Prung." Gedé tanaga.

"Jung Jalu geura padungdung! Témbongkeun yén manéh leuwih unggul."
Kuring tandang makalangan, sésémbréd ngabintihan. Menang! Kakawasaan pindah ngaran.

ROMEO VS SANGKURIANG

Kénging Thika Ti Parish
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 13:14:51

Sangkuriang: " Gelo manehmah Erom, aya ku daék ngapati diri ....!" Ngajeubian
Romeo. : " Demi Nyi Éēt, naon atuh nu moal dilakonan, ari silaing nyieun parahu geudé
ngabelaan Nyi Mbi deuleu nanaonan....?"
Sangkuriang: " Ah.... aing mah hayang ningalikeun kadugalan jeung jawarana uing ka Nyi Mbi"
Romeo. : " Punjulmah, punjul, ngan punjul kanyeuri . Ha.... anggér mérana! "
Sangkuriang: " Bae ah, teu ngabogaan Dayang Sumbi ge. Kin aing boga rencana kadua"
Romeo. : " Naon tah Asangku....?"
Sangkuriang: " Rék jadi anggauta dewan di ieu dayeuh geura. Bener teu Erom? "
Romeo. : " Kumaha mun euweuh nu milih? "
Sangkuriang: " Ku aing tangkarakeun deui ieu gunung, hayang di ubrak abrik deuleu?"
Romeo. : Seuri nyakakak " Alus, ku aing di dukung sok! "
Sangkuriang: "Heueuh Erom, lain si Mbi wae, deuleu artis nu kahontal geulis, bahenol nerkom
ngadareukeutan geura, hayang di tangkarakeun. Ha.... "

duanana seuri bungah bari lalageudayan na tangkal buah pa Haji Yaya.

DINTEN MINGGU

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 12:59:34

Barudak MI Ar-Roja keur istirahat. Aya nu ucing-ucingan, aya nu maén bal di lapang, aya nu ngopi jajanan, aya ogé nu ngobrol di kelas. Tapi barudak ujug-ujug birat. Lalumpatan muru ka gerbang sakola. Singhoréng aya aleutan nu badé ngurebkeun janasah, laju ka pajaratan. Pasaran ditutupan lawon héjo, disampayan tiiran kembang jeung daun pandan. Digotong ku opatan, dipayungan ku saurang, dituturkeun ku aleutan nu jajap.
Barudak terus ngagimbung di gerbang, nepi ka aleutan teu katingali di pengkolan. Teu lila, loncéng tanda mungkas waktu istirahat disada.
Di jero kelas, obrolan barudak masih ngeunaan nu maot. Atuh Bu Ina ogé henteu waka ngadugikeun pangajaran poé éta. Bu Ina medar heula yén sadaya jalmi bakal maot. Ropi ngadongéngkeun basa bibina maot. Ridho milu mairan. Terus Aris ngacung, “Bu, abi mah maot téh hoyong dinten Minggu, améh nuju peré sakola. Janten henteu bolos...”

1 MARET

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 12:19:11

Jogja muka carita. Béwara Radio Rimba Raya katampa di Burma jadi petingan koran di India. Dunya calangap teu percaya. Walanda kaségel salamana.
Ki Kenongo, ngagsrod mengkeut awak ku bom batok ngahiyang nuturkeun rungkadna sasak mungkas lampah neundeun sajarah. Hiji ajir tina sagemblengna ciri nanjeurkeun komara. Bangsa Merdéka.
Kiwari. Ti kulon ka wétan ukur jadi tulak panto. "Aing nu boga..! Aing nu boga..! Aing nu boga..!" Ngabedega.

KUDU KUMAHA?

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 12:13:53

“Pasti émut kénéh. Sapuluh taun ka pengker, anjeun sareng Mang Sumin, sering ngajajap uih. Harita, anjeun tos gaduh bébéné. Rudy masih kelas genep és-dé.” Geus katebak, Runy, sobat keur és-ém-a, ngajak papanggih téh rék ngabahas masalah kuring jeung Rudy. Tong boroning Runy, nu nyaah ka adina, dalah batur waé, boa nganaha-naha. Sanajan ngabéla diri, yén Rudy nu terus-terusan ngungudag, meureun moal aya anu percaya.
“Kaleresan, badé muka cabang kantor di Sumatera. Sugan, upami patebih mah, tiasa silihhilapkeun.” Neger-neger sorangan.
“Punten pisan, Ratna. Sanés abdi teu nalipak sorangan. Seueur kahutangan budi ku anjeun,” cenah.
“Bu, aya tamu,” béja Iva.
“Aya di skédulna?”
“Teu aya.”
“Dijadwal ulang,” maréntah. Iva kaluar. Teu lila, asup deui. Mikeun salambar keretas. Rumpaka lagu karesep, Boulevard, “I don’t know why, you said goodbye. ..., come again, you would release my pain, and we could be lovers again.”

HARITA

Kénging Lies Tjandra Kancana I
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 11:57:59

Dibawa pindah ka imah sisi leuweung, kuring bungah we da cinta ka nu jadi salaki.
Loba nu barogoheun ka kuring tapi ngan Kang Mamat nu kapilih.
Loba nu kuciwasigana mah ka kuring.
Unggal isuk salaki kuring indit ka leuweung, balik sok aya wé nu dibawana, palawija asakeun ala ti leuweung.Hirup teh keur bungah-bungahna.
Kang Mamat katembong nyaahna ka kuring.kuring remen nungguan sorangan di imah sagawé-gawé.
Teuing timana jolna, kuring keur ngasah péso, cingogo nungguan liwet asak.
Jol-jol aya nu ngarontok titukangeun, kuring teu bisa ngajerit da
dibekem.Adug lajer oge teu bisa leupas.
Blus kuring disoékeun, erok dibedol. Kuring dijorongkeun
ngajeblag satengah buligir dihareupeun hawu. Geus teu walakaya da awakna geus aya luhureun kuring. Sanajan adug lajer tetep teu bisa hudang.
“ Ulah....!” kuring ngajerit.
Bres peso nu masih pageuh dicekel ku kuring nancleb jero beuteungna.

NANASIBAN KORUPTOR

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 11:12:21

"Panuju, malodar tah koruptor téh kiwari mah. Gustiii, ngagalaksak jeung ngaruksak pisan atuh da !", Ma Eroh kutuk geneng.

"Enya, Ma. Sawaréh mah jasa si Mimin. Ku si éta mah teu manggapulia koruptor téh. Tapi da angger moal béak-béak. Paling ogé ngurangan.", Nyi Ipah mairan indungna.

Hawar-hawar kadéngé sora nu leumpang nyampeurkeun ka arinyana. Curinghak, rumentang rasa nu duaan. Da geus teg saha nu datang. Teu katingali jirimna, pan kapindingan téa, ku témbok-témbok nu ngabaluwarti. Teu lila nu dianti datang. Nyimas Anggi, si dunungan.

"Ema, Ipah, hadéna wé tadi can jauh ti pasar waktu kuring di sms. Tah ieu pesenan téh. Mémang kudu kieu. Ulah ukur ngandelkeun si Mimin !"

"Aduuuh, nuhun pisan Nden. Janten aya opat ayeuna mah. Keun ku ema sareng si Ipah dileukeunan." Témbal Ma Eroh. Geuwat atuh sentég nu satilu-tilu téh dirawatan. Di luar, si Mimin keur ngalimed nyatu koruptor. Ladang ngaluarkeun tina sentég.

NÉNG SAUQI JEUNG BALON HÉJO

Kénging Ninun Bulan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 10:46:24

"Badé nu mana, geulis?" Nudagang aléwoh. Disérangkeun indungna. Budak jigrah kacida. Balon gas dipilihan. Nu nyérang imut. Nu nyérang ngemu kingkin.
"Nu ieu we. Ieu cicisna nya mang. Nuhun."
"Sami nuhun geulis. Ulah lulumpatan. Bilih eubis néng na!"
Nu nyérangkeun pindah kana korsi hoé. Isuk-isuk, bulan tilu dina taun kuda kai. Balon héjo di apung-apung. Lalangit haté budak tembong ngajangkungan. Suka seuri lebah buruan imahna. Ka tujuh poéna. Balon héjo anteng marengan, ngékét pageuh dina panyekel leungeun budak. Budak nu kara tilu usum nyeuseup umur kahirupan.
Ujug ngocéak. Leungeuna ramang ka langit, kokoséhan.
Balonna ngumbul ka alak paul. Hiber ka sidrot, alam béh ditu anu baris disorang ku sakabéhna.
"Baloooon , balon néng hiber. Balon néng nyandak mamah. Neng hoyong balon, neng hoyong ka mamah ka langit jauh. Hoyong ngiring ka baloon jeung mamah néng"

UING JEUNG UJANG

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 10:39:49

Uing mucicid. Kabulusan. Sapeupeuting di jarian. Sabada ditakolan ku nu ngaronda. Uing tepung jeung Ujang. Laju dirawatan. Dielap. Didangdanan. Ditempatkeun handapeun dipan. Ayeuna mah teu kabulusan.

Unggal poé. Ujang nepungan. Bari ngasupkeun Si Kencring kana beuteung uing. Tuluy ngusapan. Ayeuna uing aya nu maturan. Batur ngobrol. Si Kencring. Unggal poé ngaguar pangalamanna. Saba désa saba dayeuh. Resep ngadéngékeunana.

Beuki lila babaturan Si Kencring ngalobaan. Pagegelek dina beuteung. Séah. Gemet. Dibandungan. Nepi ka hiji poé, Ujang ngajungjung-jungjungkeun uing. Tuluy diakeup. Dibawa ka luar saung. Katénjo babaturan uing. Si Panci. Si Palastik. Dimana-mendi. Si Laleur rabeng. Ujang nungkup irungna. Ngungkug. Mapay-mapay gang. Nyebrang jalan. Srog. Ka buruan imah gedé. Ujang pada ngabagéakeun. "Nyanggakeun. Kanggo dulur-dulur abdi di panti asuhan," cék Ujang. Bari ngasongkeun uing.

BONÉKA BARBIE

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 09:59:02

Klik, bray!
Olohok, ieu kitu Barbie téh?
"Rambutna pirang panjang, cureuleuk, rancunit, hadé haténa...."
Mamah, ngadongéng, bari ngusapan deudeuh.
Klik, bray.
Lalaki. Sastrawan moyan. Bukuna sok digulang gapér di pabukon. Nu sajakna gumalindeng mépéndé haté. Kawas Mamah, tapi lain.
Klik, bray.
"Happy Brithday" fiksimini. Lah-lahan wawanohan. Soméah. Kaédanan ku géréwékna.
"Nénéng, prosés..., prosés..., prosés. Jangan hirowkaaan!"
Teu weléh nyumangetan. Siga Mamah, hanjakal lain.

Klik, bray.
Nempoan potona. Nu lucu, ekspresif. Romantis, teu weléh diriung nu gareulis, maranis. Aya timburu ngahuru kalbu. Bongan jiga Mamah, padahal lain.

Klik, bray.
"Antosan jeung Empah. Mamah moal lami. Kin uih nyandak Barbie...."
Lambeyna ngeleter. Juuh cisoca. Aya geuneuk dina damisna. Hayang, ngagorowok muntangan. Tapi, ngadadak réro. Taya sora anu kedal. Tepi ka ayeuna.
"Mamah, mana bonéka...?"

Klik, bray.
Réma lincah ngulinkeun ungkara. Ngaruntuy kecap, ngaréka basa. Ngamalirkeun kangen sapinuh dada.
Barbie dina implengan. Mamah taya raratan.
Klik, bray.
"Bonéka Barbie, salira titipan Mamah?"
Klik, bray.

NGÉWÉ DÉÉT

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 09:00:33

Lep bonténg am kurupuk. Karasa pisan nikmatna tengah poe éréng-éréngan bari awak ngalageday dina korsi goyang.
Lep fikmin am sajak. Karasa pisan nikmatna wanci janari leutik bari pikiran kumalayang nyawang mangsa katukang.
Lep fikmin jeung bonténg, am sajak jeung kurupuk. Aeh..kuharianeun anjeun mah, téga téh kegila-gila keding. Naha ukur méré impian.Dasar impian, sok teu nyambung

PILEULEUYAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 08:17:24

"Panutan...."
"Miang?"
"Sumuhun."
Gogodeg.
"Tega?"
"Hapunten."
"Emh...."
Jamotrot.

Ngaharuleng. Nyureng peteng.

"Nam atuh."
"Wayahna, nun."
"Jeun teuing."
Jejebris, ngémbrat girimis.
"Iraha miang?"
"Insun medal."
"Iraha mulang?"
Imut nyeblak, nulak katumbiri.

Ngabaretem. Cumalimba ngahaleungheuman gurat kasumba.

Karék saléngkah. Lieuk deui. Dua léngkah. Opat kali rérét. Rut-ret..., rut-rét. Belenyeng. Gabrug. Paungku-ungku. "Teu wasa geuningan, nun." Ngusap rambut. Ngambung damis. Sumegruk.
Bet ngilu sungkawa.
Solongkrong. Brek dareku.
Aéh..., aéh. Gancang ngejat.
"Seja ngumaha...."
"Montong ka kula!"
"Kaulanun nu kawasa."
Ngarénghap. Ngulangkeun leungeun.
"Nam..., ngan jirimna sébakeun keur kula."
Arimut, ngabalébat. Silih rindat. Teu mireng, nu ngagulubur hurung ngempur. Sajak pating kocéak, ngabedil langit.

Bral mariang. Raga ngaléng nyawa. Ngiwat kapiduriat. Tresnaning jagat. Ngapimilik raga teu dinyawaan. Lir kunyuk ngeukeupan pariuk.
Kabéhdieukeun, lamun Si Kunyuk keur sono moho. Sok manggul pariuk nyérangkeun katumbiri nu suka seuri. Cumalimba.

KARÉMBONG KONÉNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 06:44:13

Jagat moékan. Samagaha.
Allohu akbar! Allohu akbar! Allohu akbar!
"Pah, Mamah kamana?"
Cer, getih katrésna mancer tina kalbu. Diturih kapeurih. Sang kakasih miang saba béntang.
"Masing sabar, anaking."
Berebey cisoca nu geulis. Gandrung ka hingkang ibu beuki ngaguruh, ngagunung. Hingkang bapa teu waé wakca.

Hiji mangsa, pasosoré sabada hujan raat, nu geulis turunan langit ngalangeu di tepas. Nyawang katumbiri. Aya rasa nalangsa dina manahna nalika ningali warna-warni katumbiri. Siga warna pananyana nu melengkung jero jajantung, nanyakeun indung.

Saha bapana nu tega nempo buah ati kingkin saban wanci? Ahirna karémbong konéng nu disumputkeun dina lomari disolendangkeun ka nu geulis. Bray rusiah muka. Geleber, bari gugupay ka nu jadi bapa. Seja nepangan ibu.

HATONG, RISNA JEUNG SI LEUNGLI

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 06:36:26

*)

Risna lumpat ti dapur ka tepas. Ka pakarangan. Nangtung deukeut balong. “Dadah, dadah….ménta duiiitttt”. Karéta ngadius ngétankeun. Ninggalkeun taneuh, ngageder. Mangprét. Dapuran tamiang sisi balong silih toél jeung baturna, nu hiji unggut-unggutan nu séjénna rarampayakan. Nu kidul pupurungkutan diharudum reumis, nu kalér éngklak-éngklakan, wétan-kulon silih jebian. Genit rancunit, matak haté pakait. Meulit. Bajing sapasang lulumpatan na séséla kadaka. Jleng ka tangkal limus. Mubus. Risna tanggah. Diuk sisi balong sukuna kakeueum. Kukucuprakan. Nila, guramé, patin, pating kocopok. Ngajarauhan. Si Leungli, nyampeurkeun. Sungutna empluk-emplukan. Suku, ramo, keuneung, mumuncangan, bitis Risna, dilétakan, dilamotan. Risna maro roti ku leungeun katuhuna. Lung dialungkeun ka si Leungli. Nu tapis nyantok. Dilegleg sapisan. Lung deui, nyantok deui, lung deui, nyantok deui. Lung tok, lung tok, lung tok.

Lauk séjén pating pucunghul. Hiji, dua, sawelas, lima welas, sarebu, lima rebu, tujuh milyar. Risna masih maraban. Lung tok. Lung tok. Lung tok. Isuk-isuk, beurang-peuting, janari, subuh, inyana terus babagi kadaharan.

Basa kareta api galaksi ngaliwat, Risna ngagorowok”, Ménta dahaaarrrrrr…..”.

*) Miéling hari Bumi, 22 April, 2013, taun pengker, nembé kapendak ti pabetékan.

CARITA SUBUH

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 06:32:06

Ciibun nguniang hudang. Keclakna ngawirahma dikir, ngabagéakeun poé. Méré tanda, lain mépéndé. Bagong geus ti tadi salin baju. Koréak geus teu cing kocéak. Ninggalkeun Bueuk nu nundutan na dahan, nyorangan.

Ti béh wétan, langit pulas beureum. Cing garurat, cing arudat. "Bagéakeun Kami datang. Caang mabra makalangan. Hudang... hudang! Lain wayah ngagugu horéam. Lain wayah disimbut kawegah. Tong apilain. Montong sidéndang dina ngimpi. Ngalamun tilepan. Gadag geura lakonan!"

Ceuli asa rawing. Dibobongé, da kadéngé. Sora nu saban isuk ngaguyah-guyah. "Keudeung deui!" panon mélétét. Matapoé molotot.

Jebrét... jebrét... jebrét.... Awak dibintih, peurih. "Éra... éra...! Aing boga turunan siga Sia!" Sirah dangah, laju kongkorongok.

ENGKIN

Kénging Ayah Iki
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2014 00:24:53

Wanci pecat sawed beuteung geus karasa mulés. "Kè ah..." gerentes hate bari jongjon napian bèas. Tapi beuki lila asa beuki murilit.
"Bapana... tuluung!"
"Kèla kagok...", ceuk manèhna nu ti wanci haneut moyan kènèh nyonyo'o Si Jalu. Sajam tiharita manèhna karèk indit nyumponan pamènta kuring. Anjog di imah paraji. Sanggeus uluk salam blus ka jero nepungan sohibul bèt. "Hampura teu bisa ayeuna kènèh Jang, kè lamun geus bèrès nungkulan pamajikan Ki Lurah tangtu kami datang", ceuk nu boga imah. Bener wè kira-kira tengah peuting Paraji karèk ngurumuy. Sok sanajan asa geus sabrol-broleunana tapi Si Utun teh siga nu merod teu daèk gumelar. Kira-kira wanci janari karèk kadangu ngèarna sora orok. Manehna ngaharèwos, "Lalaki, jagjag waringkas... Mah"
"Sukur atuh...", jawab kuring.
"Euh... Ceuk dunungan kas bon tèh bisa dicumponan engke dua minggu deui", tèmbal manèhna bangun nu èra kadangueun ku sasaha.
"Keun waè Pa, mènta tèmpo waè heula ka Si Ema Paraji mah... kè mun geus hasil geuwat bayar. Kukituna Si Utun ku mamah diaranan ENGKIN SALAWASNA