Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Fébruari 2014 (30 Naskah)


GUDAWANG

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 23:03:35

“PANGNYOKOTKEUN sisir luhureun gentong padaringan!” Teu talangké, nu dititah geuwat abus ka goah. “Gancang, bisi telat!” pokna. Lipen dipulaskeun kana biwirna. “Hararésé satéh!” bari ngajéwang sisir nu diasongkeun. Nyisiran. Sora kendang jeung suling patémbalan. Cenah aya dangdut jeung pasar malem di lembur peuntas. “Buru atuh!” pamajikanna nyentak bari nyingraykeun daun seureuh nu ngagegeba sisi walungan. Rusuh. Bari andiprek, salakina antaré ngawelah nepi ka peuntas. “Tungguan wé di dieu!” “Nganggap bebegig meureun ka aing téh.” Salakina ngagerentes. Sanajan bari ripuh, ahirna maksakeun nyusul pamajikanna. Anjog ka parapatan lembur, sora dangdut mingkin tarik. Sieup jeung patingkaretipna lampu korsél . Jalma pagegelek. Teu jauh ti manéhna, aya nu tingharéwos. “Nung, aya salaki manéh!” sora lalaki. Barang dirérét, pamajikanana keur pagégéyé jeung batur. “Kawas ajag kalakuan téh!” manéhna nyentak. “Paduli, naha atuh sia téh bet buntung?” malik morongos. Patinglaléos.
Haténa bohak, gudawang. Girimis nuturkeun léngkah leungeunna, mulang. Isukna guyur. Aya layon patunjang-tunjang luhureun rakit.***

CARITA URANG JAWA BARAT

Kénging Cadu Mundur
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 21:19:09

Naha nya ngaran provinsi urang maké "Jawa Barat" sagala, da urang mah lain urang Jawa. Rugi jasa ini, jalma sa-buwana pasti nyangkana urang téh urang Jawa.

Cik dulur-dulur, lamun Jawa Barat ganti ngaran, ngaran anu paling hadé naeun tah? Euceuk Si Dadan: "Provinsi Pasundan!" Euceuk Si Jaka: "Hadéna inya Provinsi ParaHyangan!" Euceuk Si Dadang: "Urang Jawa Barat pada beuki Pêrsib. Jadi, ngaran anu paling hadé téh Provinsi Viking!!!"

Naha ari Dia! Karah beuki parah ateuh, Viking téh ngaran hiji bangsa di bênua Éropa. Urang mah Sunda lain Viking!

Si Dadang kéom.

BEDOG

Kénging RuhIman Van
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 20:43:06

Ujug-ujug bray Haji Majid inget. Enya bener. Teu nyalahan deui. Gerentes haténa. Pan bedog urut nutuhan jambu aer téh dibawa ku si Endin. Keur ngala awi cenah. Isukan. Lat wé tadi mah poho. Kokotéténgan di imah. Anak jeung pamajikana gé milu hibut néangan. Nepi ka si Kéméd kacarékan. Karunya. Jaba mantuan jaba dicarékan. Poék mongkléng pipikiran Haji Majid. Bakat ari ku capé mah meureun.

Bungah ayeuna mah. Ingetana geus jejeg deui. Marahmay. Tuda éta bedog téh pangdikameumeutna. Arang langka nu bogaeun. Da puguh tina waja asli. Meunang pesen ti Banten. Matak teu kendat nu nginjem. Hadéna Haji Majid tara ngorétkeun asal arapik pokna téh. Geus katelah ari di lembur mah si “gurilap” nyarebutna téh. “Subhanalloh!” Kapireng aya sora satukangeuna. Gebeg! Haji Majid asa kagareuwahkeun lamunana. Saliwatan poho yén manéhna keur ngimaman solat magrib. Astagpirulloh... rokaat ka sabaraha ieu téh? Haténa galécok pikirana muter.

KEMBANG SOCA

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 20:36:35

Meujeuhna kembang buruan. Montok, pakulitan beresih. Karesepna tétérékélan, ajleng-ajlengan. Sakapeung mukaan buku.
“Kolécél?” Nunjuk kana gambar.
“Sanes. Korsél...,” Imut kagugu.
Peuting, méméh saré kudu waé dipangdongéngkeun. Api-api pupurungkutan pareng kuring gegereman niron-niron sora ajag nu rék ngerekeb si cindung beureum.
Nganjang ka Enin di Parapatan, ngintun seureuh kanggo ngalemar. Anjog, burutuk ka dapur. Onggéng-onggéngan noong gentong, ngawur-ngawur béas. Sup ka kamar bibina. Teu lila kadéngé sora tat-tét-tot ditumbu ku sora nu gégéréwékan, hariwangeun suling récorderna potong.

Ahad, 22 Désémber. Ka Bagendit, tumpak rakit. ceuceuleukeuteukan ningali bebegig oyag-oyagan tengah sawah peuntaseun situ. Balik ulin dimandian, diandukan. Awakna dibaluran kayu putih, diwedakan. Hemm…seungit! Buukna cerewing, disisiran maké sisir gambar Héllo-kitty. Sajeroning kitu, gumerentes muji sukur dipaparinan panglipur kalbu. Nu ngahudang kasadaran yén manéhna cukup keur nyumponan kabagjaan hirup. Basa harita rék luluasan bakat teu kuat nandangan gudawangna bohak. Sigana terus rasa, manéhna tanggah. Neuteup, nyampaykeun leungeunna kana beuheung, “Lala cayyang mamah…,” pokna, ngabelengéh.

TI MANA WAE PITULUNGMAH

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 20:31:25

Lima poé ngecrek hujan. Nyumponan pangabutuh kulawarga ku samodél kuringmah karasa eungapna. Kasab kuli sakapeung aya kalolobaana suwung.
"Cing, akang hojah! kalah ngajentul" pamajikan kuraweud haseum.
Rumasa. Dilawan ogé kalah matak paséa. Pikiran uleng néangan sagala cara.
"Déngé! budak méwék hayang dahar!" pamajikan ngupahan.
Gusti! bet nepi ka kieu nasib diri. keukeuh teu manggih jalan.
"Atuh naon wé! batur gé bisa gadag" pamajikan nuduhkeun kanu nurunkeun keusik.
Puguh teu kuat, tara biasa kana cabak kasar. Budak narikan ceurikna, pamajikan ngupah ngapéh nukangan. Katinggali buukna ngarumbay sasemet bujur. Inget ka Si Kiréy banci pagawé Salon "A! Opat jeungkal téh hargana genep ratus rébu" Kuring nyéréngéh. Aya bekel keur samingueun.

KHIANAT

Kénging Teteh MaNza T M
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 18:54:17

Nyipta rasa jadi bangbaluh hate..
Sanajan jauh di jugjug..anggang di teang.Mapay jalan satapak malipir gunung nu rembet ku jukut riut..teu di toleh, tunggul di rarung catang di rumpak,lengkah suku ngaroroncod, hate teu beunang di bangbalerkeun.
Sababaraha lengkah deui tepi kanu di tuju,..hawar" sora nu seu"rian bangun nu keur manggih ka bungah.Geus teu inget ka tatakrama..'bray..panto di buka,nu di picangcam beurang peuting..keur oleng silih ocon..mata molotot ngembang kadu...
Teu sangka geuning midua hate..leketey batin peurih rasa nalangsa..rumpuyuk
Kapiuhan teu inget di bumi alam.

PABEULIT

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 18:22:18

Malem minggu, baku ari bada isya teh geus elekesekeng, sok hayang gura giru ka pangkeng.

Goledag na kasur nu geus dibeberes ti sore mula, sareungit, betah ari geus cicing di pangkeng teh.

Leungeun geus mimiti pakupis, pabeulit, ramo hayoh ngusapan bari diteken-tekenkeun.

Aaah, kesang bruy brey, beuki motah, awor jeung rasa nu ngagalura jeroeun dada, motah alahbatan ombak nu neumbragan darmaga.

Manehna oge beuki pogot bae.
"Neng, sok atuh enggal, ning meni lami?"
"Keheula atuh A, ieu ge kapan ramo eneng teh nuju neken-neken, piraku teu karaos, sabar A."
"Tah geuning, muhun aya neng."
"Pabeulit tuda panangan eneng na, ramo oge meni kot pegel dianggo neken."
Ngararuh, cape... Ngabalesan inbox ti si manehna, bari jeung status sorangan ge aya nu mairan can dibales, pabeulit jeung mairan di fikmin. Leungeun cangkeul, ramo paregel.

MANGSA TIWU KEMBANGAN

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 16:44:33

Angin ngahéos ngulon, ngudag sésa-sésa soré katungtungnakeun, ninggalkeun hibarna lambak-lambak méga ngonéng gedang . Langit béngras mapag sareupna. Kembang tiwu sawaréhna tinggarupay, nyieuhkeun kamelang, muguran, totondén ka dipanén . Muka paduraksa harepan Mang Japran, pangupah susah mangsa panjangna katiga. Ngudar pakaitna jangji, hutang kahayang. Nambalan kakurang, salila kosongna pabéasan.

“Alhamdulillah Gusti! Mugia musim panén ieu, kaala barokahna.” Dua dampal leungeun ngusap beungeutna. Ngarandeg sakedapan. Aya nu ngorosak tina dapuran tiwu. “Saha éta?” Jempling. Luak-lieuk, taya sasaha. “Yu, Dang! Geus méh magrib.” Mang Japran ngaléng Odang, ngaléngkah ninggalkeun kebon tiwuna. Panon poé surup. Teu lila, sora adan magrib ngeusi lénglangna langit.

“Bah, Juragan Harun tadi naroskeun artos téa,” “Ku Ambu teu dibéjakeun bada panén!” Mang Japran ngaitkeun kopéah na kapstok. “Parantos, saurna moal cukup ngalunasan.” “Ah, dasar réntenir.” “Mang…! Mang Japraaan…!” Sora Darman ngagorowok. “Aya naon Darman?” “Itu Mang…, kebon tiwu Mamang aya nu ngaduruk!” “Ah! maenya?” Mang Japran ngajenghok. Olohok.

NU KUNGSI NYANDIWARA

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 15:55:54

"Sangkuriang! Kamana? Tuh geuning Citarum kalah beuki kiruh, murang-maréng. Ménta wadal. Pan anjeun pernah jangji rék satata sariksa boga cita-cita lalayaran sakabéh pangeusi tatar Sunda dina bendungan carita, makmur caina, hérang kaadilana. Naha! Kalahkah nyumput! Pédah pinunjul kahiji pangkiruhna? Pangkotorna sadunya? Carita téh pan boga anjeun? Lolongkrang téh pan jieun anjeun?" Carécét warna warni diulang-ulang.
"Kuring, rumasa ukur carita!. Bet sira! miceun bijaksana! Tuh deuleu! Plato,
jeung nu sejena, sarua jeung kula ukur ngawaris carita! Naha nu di warisna bet haradé laku jeung pagawéan?" ngabedega ngudal ka hanjelu.
"Teu wasa Aing malikeun deui Parahu" kaduhung salah milih pamain.

DEG

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 14:42:12

“Doni...” Bu Oom geus pok deui nyebut aran kuring, méré peringatan. Luk sirah tungkul nuluykeun maca soal ulangan. Euweuh nu bisa. Soal biologi teu pira masalah réspirasi, siga nu embung wawuh. Lieur.
Kaduhung peuting teu ngapalkeun, kalah hayoh ngomé hapé maén game. Ulangan kapopohokeun. Ngalieuk kahareup, katingali Bu Oom keur neuteup ka luar jiga nu ngalamun. Kasempetan gerentes haté. Buru-buru noél si Héndra bari ngaharéwos, “Hén...Hén...Béjaan euy!” Si Héndra boro-boro némbalan ngalieuk gé hante.
Ngalieuk deui ka hareup, Bu Oom anteng kénéh ngalamun. Gancang najong suku si Héndra. Si Héndra ngalieuk. Buru mikeun keretas sacewir nu eusina ménta jawaban PG jeung éséy. Teu kadéngé sora tok tak hak sapatuna. Bu Oom ujug-ujug aya ditukangeun. Noél laju nyarios, “Doni...Candak korsina, calikna ngalih ka payun saméja sareng ibu!” Deg!!! Ngadadak pangacian kabur.

CEURIK KEUR KI SUNDA

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 14:38:34

Béh kalér, aya tatit nu ngumbar angkara. Patingjorélat. Buburinyayan. Nyingkahkeun lalangsé. Béh wétan aya guludug nu ngawur nafsu. Patingjelegur. Guguluguran. Mugurkeun rahayu. Diri, ngahuleng ngaraga meneng. Dina cimata nu mimiti ngeclak. Sedih nu kingkin, nyelesep kana sela-sela jajantung. Salaksa rasa nu marudah minuhan dada. Mapay gurat getih nu mingkin ranteng. Ngamuara dina sirah nu mingkin beurat. Tumungkul. Aya nu pagulung-gulung dina haté, dina pikir, dina rasa. Kahemeng. Keukeuh ngelemeng. Pabeulit. Meulit. Pajuranteng. Raranteng. Awak limbung. Liwung. Raga teu wasa cengkat. Ngudupruk. Ngarumpuyuk.
“Naha..., itu kiara pangiuhan bet ngarangrangan? Ilang komara! Itu kijuar pamuntangan bet muguran? Ilang jugala!”
Dina tetenger ki Sunda, kuring nyuuh. Aya nu leungit tina ati. Aya nu ngahiang lalaunan.

YA ALLAH

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 14:17:30

Hajat téh kaasup lumayan rongkah, da puguh hajat nutupkeun. Nyunatan si bungsu, ti suklakna ti siklukna sakur nu wawuh mah euweuh nu kaliwat diogan. Nu datang rabul, teu sirikna sakur nu diogan. Saruka bungah balakécrakan. Tepi ka peuting masih kénéh aya nu datang. Rérés hajat ampir tengah peuting, kulawarga pon kitu deui dulur nu deukeut ngariung hayang nyaksian dibukana amplop paméré. Hiji-hiji dibukaan bari terus dibérésan. Kasingkabkeun aya amplop kucel eusina rada kandel. Gap dicokot, dialak-ilik euweuh ngaranan. Béréwék disoékeun, kusiwel aya kertas ditilep-tilep, dibuka, bray geuning ukur tulisan. Unina matak ngagebeg nu boga hajat, leng dipikiran saha nu méré ieu. Tulisan dibaca bulak balik “Kahatur Pa Tia, hapunten Pa, mugia Bapa ngahalalkeun katuangan nu kateda ku budak abdi, abdi teu gaduh artos kanggo ngeusian amplop, nanging pun anak ngadat hoyong tuang dinu hajat. Abdi teu tiasa kumaha…” Rumpuyuk,kedepruk sujud bari sumambat “Astaghfirullohaladzim, ampun gustiiii, abdi dosa……”

REUEUS

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 13:49:03

Kalan-kalan ngaraos isin upami diajakan botram ku réréncangan téh. Bekel abdi mah sangu hungkul, paling undak sareng kurupuk atanapi beuleum asin. upami nu sanés mah aya nu sareng tahu, témpé, kantenan Susi mah sok sareng gepuk atanapi daging hayam. Waktos kamari gé, ema abdi nuju ngakeul kénéh, réréncangan tos nyalampeur, ema rusuh ngahihidan. Tos teu aya haseupan sangu dipiringan, dicéngcléan beuleum asin. "Tah ayeuna mah jeung asin!" saur ema téh. Abdi mah tara ngawaler, mendak sangu gé tos untung, upami apa teu pupus mah panginten kahirupan abdi sareng ema gé moal sesah-sesah teuing.
Abdi mios ka tambakan balong nu ramana Susi. Pas dugi, teras calik ngariung. Brak murak bekel. Tuang sasarengan, silihraosan réncangna. Abdi mah teu wantun ngaraosan, upami dipasihan nembé diteda. Upami teu saréép, sakantunna téh sok dipasihkeun ka abdi, "sanés ngahinakeun, candak kanggé ema!" saur Susi. Abdi ngaraos reueus, gaduh réréncangan téh balageur.

RURUNTUK

Kénging Tiktik Rusyani
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 13:37:34

Cai godogan seureuh di kana jolangkeun. Ngeueum sakeudeung. Ritual méméh mangkal di losmén Parapatan. Wedak, sisir, lipen, tisu jeung parpum geus parimpen na dompét kosmétik. Nu ngalangkang na eunteung, camohok siga bebegig. Emh...umur teu bisa nyumput dina kandelna mik ap. Geus béak Mariska téh. Kembang ranjang hotél kelas bintang. Hayang eureun, tapi teu bisa. Gentong nu celong, kontrakan bayareun, nu gering ubaraneun. Numpu kana napakah tina awak nu rangsak jeung haté nu bohak.

Hirup siga korsél, muyeng muter balik deui ka titik pamiangan. Teu ka luhur teu ka handap. Mulan- malén marabkeun manéh ka ajag nu lapar ku asmara sageprakan. Ngagayem dosa, nguyup cimata.

Moal...moal apaleun Ambu mah, anakna kokoléaban siga rakit kaséréd caah déngdéng nu euweuh eureunna. “Tuang Ibu kedah cuci darah saminggu dua kali.” Kapireng deui sora dokter. Matak nyeuit, siga gelik suling tina hapé Mamih. Méré isarah mun datang sémah.

LUKISAN KOSONG

Kénging Agus Suhana
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 12:55:47

Mun inget ka sobat nu ieu, sakapeung sok seuri konéng. Ideu-ideuna teu parok jeung batur, tapi matak hookeun.
Sakali mah kungsi dititah ngalukis Alam, nu unsurna imajinasi. Kabéh soson-soson ngerahkeun kamampuan nalarna, sangkan bisa nyieun karya nu hadé jeung bisa di tarima.
10 menit ti harita manéhna geus nyampeurkeun guru, tuluy nyodorkeun kanvas nu can di nanaon. Guru kerung, tuluy nanya semu heran.
"Naon maksudna?" Cenah bari gogodeg, di anggapna Ki Sobat ngaheureuykeun.
"Ieu judulna Asal mula hirup, nu beresih tanpa kokotor ogé warna.." Ceuk Ki Sobat, tenang naker..

NGALAHUN IMPIAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 12:45:59

Duh, aya ku geulis éta wanoja. Timana? Urang mana? Budak saha? Aya ku gamuleng, lungguh timpuh, kelétna matak nyérédêt. Mungguhing karya seni Gusti nu sampurna ngendagkeun ati. Jeung baturna nu sarua geulis, ngan keukeuh gumenclang kénéh, hérang Si Geulis. Duaan mapay-mapay Galéri. Rét... Seblak. Pating kecewis, haharéwosan. Meusmeus ngadilak. Saban ngadilak, saban ieu ati ngabeukahan. Dina dilak nu ka tujuh... Beledug, bitu!
Duanana nyalampeurkeun. Nyidik-nyidik. Nyéh, arimut.
"Kasép pisan nya... Duh, mun lain lukisan. Bogoh da...." pokna Si Geulis.

SILIH SANGKA 2

Kénging Yulistiani Taslim
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 11:00:27

"Bagja Ibu mah, tiasa nyakolakeun palaputra dugika jareneng, jaranten jalmi. Ari abdi, budak ukur tiasa maca sareng nulis wungkul. Matak teu tariasaeun hojah, saaya-aya kuli di lembur wé, pagugulung jeung indung." Ceuk Bi Karsih bari meresihan poto kulawarga nu ngajeblag di rohang tengah. Bu Julaéha tibang mésem bari mukaan albeum heubeul.

"Geura upami lebaran, rabul nu ngarintun, mobilna meni ngajajar di buruan, harurung hérang. Kagungan putra sareng putu Ibu sadaya éta téh pan."

"Yeuh, Karsih, bagja kénéh manéh. Kami mah kaduhung nyakolakeun budak laluhur téh. Apal rék jalolédar mah moal disakolakeun baheula téh. Ka kolot nganggap kuburan. Dijarahan sataun sakali bari rurusuhan. Hayang panggih kudu disusul. Teu kitu kudu ngadagoan lebaran hareup. Enya mun aya umur kénéh. Mun kami geus dipundut mah sigana moal dijarahan-jarahan acan makamna." Saur Bu Julaéha, socana carinakdak.

WARAGAD KEUR GAPURA

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 10:12:00

Horéam-horéam gé nepungan. Bisi pajar nyingkahan. Galagatna mah apal. “Damang, Pa?” Solongkrong. Dipéci bodas, huisna nyacas. Meusmeus ngadatangan, gara-gara kungsi milu baksos klién ka panti yatimna. Barabat. Dihaminan, diunggeukan. Golosor, lima lambar saratusan. Ditedunan, tibang kapapanjangan.

Nu mungkur nunggang motor rancucut kahujanan. Kasiap palebah péngkolan, basa Jaguar kameumeut ngabelesur ngétan. Klién bisnis nungguan. Sakieu usum ngijih gé, keukeuh ngopina hayang di pangjugjugan. Rumahuh. Mun lain keur maranéhna, cadu miceun welasan yuta mayar kartu platinum, keur larsup satauneunana.

Jrut. Pangling. Patempatan bet sinangling. Patamanan hégar. Kembang-kembangna laligar. Dumalingding mawa tingtrim. Béh ditueunana, gapura nu murub mubyar. Saléngkah-léngkaheun. Gep, nu nyaram. Ngisarahan. Bring, rombongan nu garinding ngaliwatan. Nganteur jalma cahayaan. Rét ka sagigireun. Ngaharéwosan. Kalah ngeclak cimatana.

“Anjeunna payus pangheulana. Ngawaragadan pangrohakana. Dulur kahiji datang, méré sapertilu pangabogana. Kuring teu hayang éléh, méré saparo harta. Jol téh anjeunna, bro sakabéhna! Walonna ka Jungjunan, ‘Kanggé kulawargi abdi mah cekap nyésakeun Mantenna sareng Salira’.…”

KEUR ANAKNA

Kénging Lies Tjandra Kancana I
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 09:22:55

Kabéh kukulutus, ambek, ngagidir, nu nyekel linggis, nu nyekel halu, anu
ngacung-ngacung balati. Ting gorowok :
“ Kurang Ajar !,
“ Panipu Teu sangka tah mangkeluk téh !“
“ Garong !“
“ Urang séréd bawa Kulisi. Warah jelema kitu mah !
Kabéh ngabring ngadatangan hiji imah.Lain imah gedé tapi imah sederhana.
" Kaluar Anjing !"
“Gantian tuh duit nyi Emin ! téga manéh nipu’ Ceuk nu panggalakna.
bari ngamang-ngamang bedog
Nu gigireun kuring ngahréwos; “Padahal manéhna boga hutang ku uing teu mayar-mayar “ cenah
Nu panggalakna naék ka golodog. Panto imah ditajong, panto ngajeblag
kabéh moro panto, hayang ngagebugan mun karep mah
Bréh di jero imah, nu disebut Maling téh keur sideku hareupeun anakna anu keur ngagolér . .. badis tangkorak hirup.
Panonna anu kuyu neuteup Bapana, engapanan ngan sarenghap-sarénghap indungna ngadingdiut gigireun salakina
Nu tadina rék ngarambek, jep jempé. Euweuh hiji oge nu kaluar sora.
Jempling..

STROKE

Kénging Usin Muhsin
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 08:47:59

"Sakitu sagala geus dieureunan, angger darah tinggi. Kadieukeun peda beureum téh, hayang dahar ngeunah!" pokna Kang Agus ka Ceu Iroh pamajikana.
"Sing émut Kang kana kasauran dokter kamari..." Ceu Iroh teu laju, bangun hariwang.
Peutingna keur anteng lalajo méngbal, dadak sakala leungeun jeung suku katuhuna teu nangan, lumpuh. Ngomong taya sora, sakapeung teu béntés, teu kaharti nu diucapkeuna, réro. Nyangsaya dina korsi teu walakaya.
Harita kénéh diraréyang dibawa ka IGD Rumah Sakit Umum.

RÉNOVASI

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 08:14:16

Dugsek téh enyaan. Bawaning capé. Untung urusan gawé bisa réngsé gé. Iinditan mindeng kandeg tuda, kapegat banjir ibukota. Bari ngadagoan sarapan pagi, manco heula kana televisi. Éh, geuning banjir geus surud. Suasana kota katémbong resik jeung tartib. Walungan canémbrang hérang. Di jalan raya teu pagegelek kendaraan. Nu laleumpang dina trotoar teu kaganggu ku lapak padagang kaki lima. Ganti kana warta ékonomi jeung pasar saham. Écés kapireng pok-pokan penyiar, harga dolar teu géséh jauh ti rupia. Giliran warta budaya, urut kantor KPK keur dirénovasi jadi gedong Kasenian Nusantara.
Anu jadi kagét téh waktu rék ngalunasan kuitansi hotél. Naha bayareun mani sakieu gedéna?
“Bapa kulem téh ampir dalapan taun,” ceuk patugas résépsionis.
“Dalapan taun? Har, nya saha ayeuna anu jadi presidén di ieu républik?”

WILUJENGNYA

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 08:07:11

Geus dua bulan, Ani ukur hulang huleng. Teu ngeunah dahar, teu ngeunah saré. Teu ngeunah ngalakukeun nanaon. Teu marirasa sagala rupa. “Cobaan atuh olah raga,” cek Ratna, babaturan dalitna. “Enya! Puguh kiloan ogé nambahan,” jawabna. Pleng. Geus dua minggu ti harita, teu pernah panggih deui jeung Ratna. Awak asa nambahan rariged. Haté marudah. “Tah kieu yeuh horéamna pipiknikan téh, enggeusna sok teu ngarareunah awak”. Meni nongtoréng Ratna nyarita kituna na téh. Gebeg. Haté beuki marojéngja. Biasana mah bébéndéna anu sok haat nganteur kaditu kadieu. Ayeuna keur gawé di Jakarta, méh boga bekel, sakalieun geus waktuna ngahiji. Taya béja taya carita. Ukur nitipkeun amplok ka Ratna. Dibuka. Duit. “Lain hayang duit. Hayang panggih,” gerentesna. Tapi keun baé. Boga duit keur dipariksa ka dokter, teu kudu ménta ka kolotna. Kajeun lamun panggih rék waléh. Bébéja. Gilig. Indit sorangan. “Wilujengnya. Mana carogéna?", cek dokter, ngasongkeun tespack. Trét nyieun resép. Ani nyegruk dina méja.

ARISAN AGUL

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 07:47:48

Di tempat arisan, hiji mangsa.
Ibu 1 : “Salaki abdi mah, jabatanana nérékél waé. Sasih payun insya Allah janten camat.”
Ibu 2 : “Tibang camat, can sabaraha. Pun lanceuk mah badé daftar calon bupati. Bekel tos kantenan, bru di juru bro di panto, pakaya di mana-mana.”
Ibu 3 : “Halaahhh, atuh aya kénéh di salaki abdi. Lima taun ka payun Pa Ahmad Heryawan gentosna insya Allah pun lanceuk. Jaba kasép...!”
Ibu 4 : “Ya ampun, nembé ku sakitu tos aragul. Salaki abdi komo. Mun teu aya halangan, badé ngiringan kandidat presidén. Kagaduh mah da teu pira, tibang mobil opat, bumi tilu, artos tabungan wéh...tilu triliunan...”
Ibu 1,2,3,4 : “Héy! Ku naon kalah ngahuleng? Naon nu bisa diagulkeun ti salaki anjeun?”
Ibu 5 : “Pamajikanana.”
Ibu 1,2,3,4 : “Ku naon pamajikanana?”
Ibu 5 : “Panggeulisna batan aranjeun opatan!”
Poé éta Ibu 5 nu kénging arisan!

KU CHI WA

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 07:20:26

"Mun rék nyieun buku, sok ka uing! Asal daék méré modal," promosina. Nawaran unggal jalma. Geus aya puluhna nu satuju. Kaolo. Embung ribet. Lain teu bisa néangan penerbit. Uras-urusna horéam. Komo ieu mah itung-itung ngajeujeuhkeun usaha babaturan.
Ngampleng. Unggal ditanyakeun iraha buku bérés, jawabanna icuk-colé.
Jul-jol béja, pabéja-béja. "Abdi tos tilu sasih ngantosan, tapi teu acan cumpon waé bukuna," ceuk saurang pangarang. "Leuh, abdi mah tos sataun!" walon nu saurang. "Ih, puguh abdi mah tos dua kali masihan modal," nu saurang mairan. Raéng nu ngarasa katipu.
"Keun, ku aing urang jorag ka imahna!" saurang simpatisan ambek. Ancaman murudul. "Nu kitu mah kudu didugulan huluna!" ceuk ibu-ibu. "Alusna mah disunatan deui, tuman..!" nu kumisan popolotot.
"Jabrigan buukna! Anjeun bakal salamet," hiji dukun méré saran. Nurut. Gidig nyampeurkeun nu keur ngarariung. Jalma-jalma teu warawuheun. Iblis nyakakak di jomantara.

SOMASI KEUR NU WANPRESTASI

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 06:57:20

Euis jeung Imas gawé bareng, usaha réstoran. Euis nu ngamodalan, Imas nu ngokolakeun. Geus genep bulan, Imas tara setor kauntungan, padahal réstoranna loba langganan. Euis ngumaha ka Cahaya Suminar. Dina perjangjian, aya klausul yén pihak ka dua, Imas, kudu nyusun pembukuan keuangan kalayan jujur tur nyieun laporanna unggal bulan.
“Salian tara mikeun kauntungan hak anjeun, manéhna sok laporan keuangan?” Cahaya nanya.
“Bujeng-bujeng. Padahal ieu téh sanés modal alit.”
“Ieu bisa digugat sab geus kaasup wanprestasi, hartina hiji kaayaan di mana debitur teu ngalaksanakeun jangjina atanapi teu nyumponan kawajibanna. Anjeun jeung Imas téh masih baraya, lain?”
“Sabray-na.”
“Saacan ka pangadilan, kumaha mun sacara kukulawargaan heula?”
“Didatangan ka réstoran, ukur aya pagawéna. Ka imahna, ukur aya pembantuna. Ditelepun, tara diangkat.”
“Ké, urang kirim somasi heula, atuh.”
“Naon éta?”
“Peringatan hukum. Ngabéjaan, ngingetan, yén kalakuanana bisa digugat sacara perdata, ogé bisa dilaporkeun sacara pidana,” Cahaya ngajéntrékeun.

TUMBAL

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 06:52:53

"Geus Nyi tong dipaké nyeri, matak kitu gé meureun geus nasib Nyai, lain ema teu nyaah atawa nganteup." Bi Bedah ngupahan anakna nu ceurik ti kamari peuting.

Hujan teu daék eureun, langit kalah mépéndé nu keur kalangsu ku nasib.
Bi Bedah anteng mapadkeun ajiana di jéro kamar nu caangna sacaang cempor nu kakalicésan katebak angin.
Kamar mulek ku haseup nu kaluar tina parupuyan, melenghir menyan ngondang sabangsaning lelembutan nu ceuk manéhna mah karuhuna.
"Aji aing aji karang. Karang si karang lenggar..."
Can gé tamat, geblag panto imah gageblag dibaréngan ku datangna hiji jirim nu matak pikasieuneun.
"Bedaaah...kuring moal rék indit ti awak anak manéh, bongan manéh geus méré imah keur kuring."

Peuting ngagayuh ka janari Bi Bedah ngan tinggal ngaran ngaganti anakna nu rék jadi tumbal elmuna.

TEU NYAHO, TEU NGARTI, TEU BEUKI

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 05:18:26

Kula teu nyaho, teu ngarti, teu mantra-mantra acan kana politik. Naha politik teh sejenis inuman menyegarkan napsu kawasa, atawa leueutan, obat kuat jos jorojos. Minangka cara aktualisasi diri ngahontal cita-cita hayang jadi anu. Mandang politik sami sareng harta-banda, soal oton-itin, perihal ngamumule kanikmatan dunya. Nyembah nu Beulah-Beulah, nu ngadungkuk jiga kewuk nu ngajendol jiga kohkol. Bonusna ulin ngamanca-nagara bari arapap-eureupeup komunikasi, teu nyaho saha nu rek dipanggihan.Teu kireum-kireum, jadi konglomerat (kong-lu-dulu-melarat), alatan rajakayana sakulawarga, ngaleglegan harta masyarakat, ngahakan duit rakyat. Hajat meleg siah!!! Taya kaera, suda kaduhung. Rek naraon dia, jadi pamingpin ngan ukur neangan nu kitu patut? Hirup pinuh rucah-awuntah-haramjadah, jauh ti amanah? Teu era ngabohongan sadunya, api-api kerung-kerud, leweh-jebleh badis onyet? Naha dia nyembah ka mahluk? Naha dia ngarasa nyiptakeun raga sorangan? Lahir ti batu. Mibapa ka tangkal dusta, miindung ka gunung burung?

Kula teu nyaho, teu ngarti, teu beuki: lamun politik, dihartikeun lain nemPO anu LEUTIK!

R & R

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 00:18:41

Ros, kumaha damang? Ros ieu surat nu kasapuluh keur anjeun. Ros, kuring sono. Naha anjen tara ngabales surat kuring? Pan urang geus jangji pasini. Anjeun geus jadi lanceuk kuring, sabanda sariksa. Ros, harita! basa anjeun rek kabur ti kobong, pedah anjeun dihukum kapanggih ngirim surat ka Si Supri. anjeun jangji rek mere kabar mun geus nepi. Kuring hariwang anjeun kumaonam di jalan. Kamana anjeun? Geus sataun, kuring nyorangan, nungguan, leungiteun. Simpe, euweh anjeun teh Ros. Najan loba batur nu bageur ge, anggeur teu sarua jeung anjeun. Dua taun urang babarengan. Sabangku, tuang duaan, sare duaan, nyeuseuh ka pancuran duaan, he ...he... sok inget mun digeungeureuhketn ku babaturan nu lain atawa ku ustadzah sok disebut "Si Kembar R & R." Duh, Ros kuring sono... pisan. Kamana kuring kudu ngirim ieu surat?.

R

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 00:18:06

Ros, kumaha damang? Ros ieu surat nu kasapuluh keur anjeun. Ros, kuring sono. Naha anjen tara ngabales surat kuring? Pan urang geus jangji pasini. Anjeun geus jadi lanceuk kuring, sabanda sariksa. Ros, harita! basa anjeun rék kabur ti kobong, pédah anjeun dihukum kapanggih ngirim surat ka Si Supri. anjeun jangji rék méré kabar mun geus nepi. Kuring hariwang anjeun kumaonam di jalan. Kamana anjeun? Geus sataun, kuring nyorangan, nungguan, leungiteun. Simpé, euweh anjeun téh Ros. Najan loba batur nu bageur gé, anggeur teu sarua jeung anjeun. Dua taun urang babarengan. Sabangku, tuang duaan, saré duaan, nyeuseuh ka pancuran duaan, he ...he... sok inget mun digeungeureuhketn ku babaturan nu lain atawa ku ustadzah sok disebut "Si Kembar R

R & R

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2014 00:17:39

Ros, kumaha damang? Ros ieu surat nu kasapuluh keur anjeun. Ros, kuring sono. Naha anjen tara ngabales surat kuring? Pan urang geus jangji pasini. Anjeun geus jadi lanceuk kuring, sabanda sariksa. Ros, harita! basa anjeun rek kabur ti kobong, pedah anjeun dihukum kapanggih ngirim surat ka Si Supri. anjeun jangji rek mere kabar mun geus nepi. Kuring hariwang anjeun kumaonam di jalan. Kamana anjeun? Geus sataun, kuring nyorangan, nungguan, leungiteun. Simpe, euweh anjeun teh Ros. Najan loba batur nu bageur ge, anggeur teu sarua jeung anjeun. Dua taun urang babarengan. Sabangku, tuang duaan, sare duaan, nyeuseuh ka pancuran duaan, he ...he... sok inget mun digeungeureuhketn ku babaturan nu lain atawa ku ustadzah sok disebut "Si Kembar R & R." Duh, Ros kuring sono... pisan. Kamana kuring kudu ngirim ieu surat?.