Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Januari 2014 (34 Naskah)


REUWAS

Kénging Abu Fhatin
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 23:33:37

Torooktok dug, dug, dug, bedug tuluy ditihtirkeun mapag adzan jumaahan, masjid pinuh metet ku jamaah, kuring diuk pang tukangna maklum datang pandeuri kaporotan kusabab jongjon teuing mereskeun pagawean.
"Di dieu yeuh diukna ngarah nyarande na tihang teras ah" cekeng bari ngamparkeun sajadah. Beres salat sunat tuluy nundutan lelenggutan, kahudangkeun ku sora bedug nu persis gigireun.
Teu kungsi lila kadangu sora muadzin ti jero masjid adzan, sorana ngagelik mepende hate matak nalangsa tapi bungah, angin nu ngahiliwir seukeut kana panon matak lelenggutan lep deui ngalenggut, teu kungsi lila karasa aya nu nepak kana punduk "kang-kang gugah sholat, khutbahna tos beres!"
Kuring culang-cileung bari nyusut biwir rada baseuh.

NGUMBAR KATINEUNG

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 23:03:59

31 Januari jadi tanggal nu hamo poho duka nepi ka iraha. Mangsa lahirna wanoja nu pernah mepende hate ku lamunan ngawang-ngawang. Ngaran nu lila nyaliara kana bayah sangkan katresna taya sudana di manehna.

"Kaasih anjeun geus kapuhit ku ati kuring. Kanyaah anjeun geus ngaraga sukma saengangna."

Basa anjeun datang seba kaheman, dina mangsa raga pagaliwota jeung pangrobeda kahayang, kuring ngarasa tumaninah aya keur nyangsangkeun harepan. Basa anjeun ngarongheap masrahkeun kadeudeuh, ku kuring dikeukeuweuk pageuh sangkan maneuh teu galideur.

31 januari. Ti dinya ngaran anjeun datang. Najan nyatana jodo anjeun jeung nu lian, tapi kaasih matri najan teu ngahiji. Dina dasar rasa nu pangjerona, kuring neda ka Nu Kawasa keur anjeun ayeuna: "Allohummagfirlahaa warhamhaa wa'afiihi wa'fu 'anhaa"

NÉANGAN PICARITAEUN IMLÉK

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 22:49:17

ASBAK, mentung ku kuntung udud. Gegedoh kopi, mangcangkir-cangkir. Komputer, ngampleng hurung. Digedekeun hulang-huleng, néangan ilham. Pikeun nyacapkeun hiji carita, nu teu daék tamat-tamat. Keur anteng wé. Kapireng nu patinggerendeng. Padungdengan antara tokoh lakon, ti kaom katurunan Tionghoa, jeung tokoh lakon, ti golongan teureuh pribumi. “Mang, wayahna ayeuna mah kaom kuringngeun nu ngalalakon. Meungpeung meneran Imlék!” “His, golongan kami heula atuh, Koh! Geus heubeul yeuh, teu ngalalakon.” “Kuring komo, arang kacaritakeun!” Koh Liongsong, morongos. Ditémbal ku Mang Enjang, nyentak. Tungtungna, jadi silihsentak, silihporongos. Kuruyung tokoh séjén. Méyméy jeung Sarju, pacekel-cekel leungeun. “Lakon urang duaan wé atuh! Usulkeun ka pangarang!” pokna rampak. “Halah… pangarang kedul!” ceuk Mang Enjang, jebi. “Heueuh! Teu kréatip!” Koh Liongsong, ngangsonan. Pangarang, cengkat. Tutunjuk kana komputer, “Goblog! Ka aing! Sia mah sugan kudu dikieu!” Nagagésérkeun krusor, dilempengkeun kana pitur délét. Klik! Reup, bray. Karangan nu méh réngsé téh, ngahiang. Teu nyésa sahurup-hurup acan.***

KAGÉMBANG JANTÉN GARONG RANCAGÉ

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 22:28:39

Beungeut gemep. Awak nyeri. “Ka mana lumpatna?” Katénjo Abah jeung warga lembur nyarekelan paneunggeul. Beuki nyempod wé di kolong saung. Lamun téa mah aya nu pirajeunan dongko nyuaykeun pipinding geus pasti tingharabek deui. Kaduhung nyanggupan paménta Abah. Tapi aing nu salah. “Geuning oknum gegedén téh sok ngagarong?” cekéng. “Ari kitu?” Abah merong. “Uing kabita, hayang undak,” cekéng. “Dasar garong kotok, lain mikir jeung ngoméan laku!” Abah nyorongot, nepak pérah bedog. “Heug, lamun kitu! Dirojong ku warga. Ngan méméh jeneng. Cumponan heula paménta rahayat, da éngké mah biheung bisa. Tong boro wawuh deukeut gé can tangtu,” cék Abah. “Naon pamundutna?” cekéng. “Ijid, jeung hayang neunggeulan ka garong téh,” cék Abah. “Benyut atuh uing,” cekéng. “Lamun sia bisa lumpat jeung nyalametkeun diri mah aman!” cék Abah. Ana dipikir, bener ogé. Asal lincah. Anggap wé latihan. “Bah, itu di kolong!” cék Mahdi. Gilek maralik. “Tiwas aing!”

DINA HIJI MANGSA

Kénging Asép Komara
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 21:54:05

Léla jiga nu asa-asa. Sanggeus mubus ngaliwatan lawang gapura. Buringkal naga luhureun suhunan. Kawas rék sagepgepeun meulit awakna. Gila Léla téh. Gila ku oray éta. Kacipta dina implenganana. Si Oray tada teuing suka bungahna. Da di buruan, cai sakitu ngajumblengna. Payus pisan mun dipaké teuteuleuman. Lep, di ditu. Pucunghul, di dinya. Nyalawakkeun sungutna. Meledekkeun hangru nu mabek kacida. Husus keur Léla.
“Oray éta mah musuh bapa eluh, Léla!” Nongtoréng deui supata Babah Wong dina ceuli Léla. Léla beuki murungkut, basa beuteungna mimiti kakeueum cai butek. Panon Léla nu cureuleuk, nyidik-nyidik bisi aya nu ngucibek. Sedeng leungeunna pageuh luhureun sirah. Nyunyuhun bakul nahun.
Kaduga hanjat ogé Léla. Najan bari ngadégdég awakna. Sup, ka jero wihara. Nyampak indungna keur nonggongan. Ngacung-ngacung régang dupa.
“Ti Ustad Somad!” Témpas Léla, basa indungna ngalieukan semu reuwas nakeranan. Indungna mencrong eusi bakul. Laju ngaragameneng. Tilu leunjeur lauk bandeng, diteuteup teuing ku anteng. Dibarung cipanon ngeyembeng.

SALIN JINIS

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 20:50:36

Awak luis wujud sampulur konéng ngalémpéréng. Hasil sataun tapa nyingkahan nista. Eureun tina guyang kadunyaan, mopohokeun kana ageman alam. Tipoporosé ngungudag bentang kahirupan nu ngan saukur kalangkang. Kalahka raheut gudawang dibéngbat kahariwang.

Ayeuna geus salin jinis mindah rupa. Istuning robah sagala rupana, jiga anyar. matak sérab nu ngayuga gimir nu malipir, ajrih kajero-jerona. Perténtang nincak kahayang, bangun anteb dina mapay kanyataan.

Sanajan dina jero sanubari mah, tetep rumasa teureuh kampung bau lisung, masih loba kaéra. Tapi geuning guguru ka waktu diajar ku kaayaan mah, teu karasa jadi bisa. Dimimitian léléngkah halu, kadang titatarajong. Satuluyna mah bisa leumpang, lumpat ngabelesat ngawang-ngawang ngalukis alam, ku warna warni nu pinuh ku kaéndahan. Kasempetan kadua kudu bisa miara nepika junun kayungyun tur percéka. Cag.

PENERBIT KOPLAK KOPLIK

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 20:50:02

Nyolong badé si koplak téh. Ongkoh ari ngomong mani popoyongkodan, huhuh héhéh, meusmeus “punten, ….punten”… deui deui… Umat-imut. Bari sumringah. Nawarkeun jasa, bisa nyitak buku kalawan murah tur alus. Tur dijamin tepat waktu. “Abdi tanggel waler… tos biasa si anu mah kana padamelan kaya kieu téh” ceuk babaturanana, si koplik. Anteb nakeran bari serebung-serebung surutu bau. Atuh nya der wéh néng ningning, néng nongnong, cép céplak, dang caplak jbb. mercayakeun nyitak buku ka si koplak koplik. Bleng sabulan, dua bulan, ditanya téh:” geus jadi plok?” Jawabna: “ Icuk colé. Icuk colé. Colé icuk”.

Waktuna dibutuhkeun: ngarahuh.
Duka naon sababna.
Menta maap?
Henteu.
Ménta kétang!
Dimana ieu téh ang, di Enonésia?
Sanés, di Kutub Timur!
Dilaporkeun ka KPK ang?
Teu kudu, jang, da lain si Nazarudin atawa si Gayus! (hulu panas)
Kumaha atuh?
Teu kukumaha jang, kitu ari jelema keur poho mah! (peureup ngabatu waja)
Hampuraeun, (haté mentegeg)!
Ucing téh!

Wuihhhhh!

NYIMAS GARNASIH

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 20:06:25

Hareupeun kaca. Ngajanteng salila-lila. Roman marahmay. Gurat bagja, natrat ngagedat.
“Love me tender love me sweet. Never let me go...” Teu leupas ti hariring.
“Embu, tos satengah opat. Badé angkat ayeuna?” Nonoy, nyampeurkeun. Mitohana, ngawurkeun imut pangkareueutna. Aya sumirat nyinangling.
“Bener. Geulis, Nyimas Garnasih téh!” Gerentesna.

Saptu ba’da asar. Maneuh. Di ieu taman. Dina bangku pangjuruna. Nyimas Garnasih, nyocéng waktu. Meuraykeun suni nu ngukuntit. Ngabrang-brangkeun kasono, nu idek-liher tumetep ‘na haténa. Muterkeun mangsa. Ngalalana. Nyungsi tineung lawas, korédas. Laju nyangsaya. Rumahuh.
“Télolét..., télolét. Télolét... Tolét!” Gurinjal.
“Mang, és krim nu kandel coklatna, dua! Kajeun, ku dokter teu meunang gé. Mangpang-meungpeung!” Gumerendeng. Ngan sakétap, ledis.
Angin soré sésélékét. Jegoh-jegoh. Ngahégak. Beuki ngerepan. Késang tiis ngorolok. Cipruk. Lungsé, ngajéngjéhé.
“Asih...! Sih..., Garnasih...!” Kapireng sora nu kapicangcam. Ngulincer. Simpé. Haré-haré. Jangjang peuting geus ngalingkup. Samar-samar. Manéhna némbongan di palataran sukma. Gupay-gupay, ngagupayan. Les. Ngiles. Adan magrib ngalanglaung.

TILAR

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 20:00:17

“Anak-anak, Ibu akan bercerita sejarah kekayaan budaya kita dimasa lampau.” Bu guru Rahayu muka pangajaran sajarah Indonesia di hareupeun murid-muridna.
“Dahulu kala, di Indonesia ini ada yang namanya provinsi Jawa Barat yang di diami oleh suku bangsa yaitu suku bangsa Sunda.” pokna neruskeun caritaana. “Suku bangsa Sunda memiliki beragam budaya yang salah satunya adalah bahasa yaitu basa Sunda.” Reg eureun rarat rérét ka barudak anu husu ngabandungan caritaanana. “Basa Sunda dikenal memiliki ragam dialek yang dinamakan basa wewengkon dan juga memiliki tingkatan-tingkatan penggunaanya yang disebut dengan undak usuk.” Leng Bu Guru Rahayu ngahuleng siga nu keur nginget-nginget. “Bu, saya menemukan buku ini di Perpustakaan tapi saya tidak mengerti apa isi bacaanya.” Jefri ngomong bari ngasongkeun buku. Gap ditampanan ku Bu guru Rahayu. Buku digalir-gilir, dibukaan salambar-salambar weléh teu ngarti. Dibalikeun deui, dibaca judulna “ATIKAN BASA SUNDA”. Buku ditutup “Nanti akan ibu tanyakan ke petugas museum barangkali ada yang mengerti.” pokna.

AJI PAMUNGKAS

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 19:33:57

Mun geus kaeunteupan teuneung, musuh euweuh nu dipikasieun. Najan samagréng pakarang, teu dipikagimir. Demi harga diri, tandon nyawa teu matak baha.
Di hareup, sapuluh urang musuh lengkep jeung pakarang pedang tatan-tatan ngangseg. Kuring kudu naklukkeun ieu sapuluh musuh demi ngawasa tempat padumukan anyar.
Leungeun kenca katuhu nyabut pedang tina sarangka nu digandong. Sebrut nyerang musuh. Pedang nguwak-ngawik ka ditu kadieu, patingbelentrang. Sakapeung kuring luncat, ngulinkeun pedang di luhur. Sakapeung narajang bari muter. Musuh blag-blug rarubuh. Getih muncrat, uwar-awér minuhan pakalangan.
Musuh kari saurang. Dedengkot pangkuatna. Nyanghareupan nu kieu, kudu dipetakeun jurus nu jétu. Jekuk! Teu kanyahoan dada kuring ditarajang ku tendangan satakerna. Kuring tikusruk. Gancang hudang. Taki-taki. Kapaksa kudu ngaluarkeun aji pamungkas. Jampe dipapatkeun.
Klik!
“Ganti permainanana. Bosen.”
“Sia mah, aing rék nyerang!” kuring handeueul.
“Maén bal sok!” cenah. Channel PS dipindahkeun. Kuring tibang nurut. Mun rék éléh téh biasa si éta mah, sok ménta ganti game.

KI JAPRA

Kénging Evie Siti Sophia
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 19:11:02

Ki Japra, jéger lembur singkur nu katelah Pasir Biluk. Geus ka kocap tukang bobok, tukang tarok, tukang nyingsatkeun anderok jst,,,
Hiji poe, Adul, alo na nu sok saba kota, balik ka lembur na.
''Dul,cik déwék ngilu euy ka kota, déwék hayang nyaho jiga kumaha ramé na kota téh!'' Ceuk Ki Japra basa Adul nganjang ka imah na.
''Mangga uwa, abdi angkat deui énjing ké di sampeurnya!''...
Isuk na Ki Japra geus sageud, teu kungsi lila jol Adul datang.
Kacaritakeun, Adul jeung Ki Japra geus tepi ka kota.
''Wang ngabaso heula, uwa sedep baso?'' Adul nanya.
''Dék mah, asal nu bisa di purak euweuh nu teu beuki,hayu atuh!''
Duanana muru tukang baso, laju Adul pesen dua mangkok, sanggeus pesenan datang pok Ki Japra ngomong.
''Dul, horéng baso téh aya kuahan, hanas teu mawa kéjo ti imah!''
Adul ngan bisa kéom, manéh na ngama'lum ka uwa na nu can pernah ngasaan baso, da puguh di lembur mah euweuh.
''Wa tos ngabaso,wang ka Emol!''
''Naon Emol téh Dul?''
''poko na mah, tuturkeun abdi nya!''
Ki Japra tibang unggek.
Singkat carita Adul jeung Ki japra geus aya di hareupeun Emol, barang sup ka jero, Ki Japra ujug-ujug ngarendeug, panon na molotot bari rarat-rérét laju ngomong tarik pisan
''Saha siah nu ngaluarkeun tanaga jero, rék ngajak ngésang ka déwék?''
''Uwa, sanés tanaga jero tapi Asé wa!'' Adul ngomong halon.
''Nu mana si Asé téh, tong boro si Asé, si Duloh jéger kampung sabeulah éléh ku déwék mah!''
Adul ngenyang leungeun uwa na kaluar di tuturkeun ku paneuteup pengunjung haréraneun.

HAYANG JAGO

Kénging Dadan van Sadun
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 18:53:14

Jang Kardun murukusunu. Romanna béda tibihari. Nalangsa. Hayang bisa mikmin tapi nepika kiwari euweuh kaberek. Ngalamun tukangeun imah. Mikiran nasib.
Meunang béja ti mang Uju, mun boga kahayang kudu daék tapa tengah astana. Peuting éta, Jang Kardun tapa. Anekak sila hareupeun tangkal caringin. Haseup tina parukuyan ngelun ngaronjangan pucuk-pucuk daun. Wanci janari leutik. Kakayon sabudeureun oyag-oyagan. Bumi inggeung. Haseup parukuyan ngajirim jadi aki aki. Buukna bodas janggotna panjang.
“Hahaha…!” Handaruan. “Hayang naon jalu?”
“Hayang jago mikmin Embah.”
“Mikmin?” Kerung. “Mangratus taun ngageugeuh ieu tempat, kakara ayeuna manggihan jelema hayang jago mikmin. Sugan jelema sedéng ieu mah. Mun rék ménta dunya, awéwé, pangkat. Dibéré ku kula.” Cakakak si Embah seuri gugulingan. Asek-asekan. Jang Kardun euceuy. Ambek jeung éra. Jung cengkat. Parukuyan ditalapung sataker kebek, pas pisan asup kana baham si Mbah nu keur calangap.
“Silaing nu kuuleun mah ! Hari gini teu nyaho fikmin.” Balik ngingkig muru lembur.

USUL MURUGUL

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 18:05:40

Késang ngoprot, nafas ngahégak, capé. Diudag-udag hujan, diburu-buru guludug. Teu burung cunduk kanu dijugjug, datang kanu ditéang. Nu ditéang, anteng andéprok nyingharepan gawé nu teu anggeus-anggeus.
“Bagéa Jalu! Ning hideup datang deui? Mugia geus teu marudah deui haté jeung pikiran hidep téh.” Nini ngabagéakeun, soméah, pikawanoheun. Betah nu nyémah.
“Alhamdulillah Ni! Séhat ari waruga mah, anumawi tiasa lunta kadieu ogé. Biasa wé dongkap téh hoyong diusapan ku Nini, sareng ngabantun kahoyong,” cékéng bari ngaléndéan kana lahunan Nini.
“Aya naon kitu Cu? “. Pananganana angger ngulinkeun benang bodas.
“Ni..Cing lah! Pangnyarékkeun nu dilinggihan ku Nini téh, ulah sumping ka pun bojo. Uninga nyalira pan abdi panganténan kénéh. Sok lieur sareng jangar ari kasumpingan téh. Meni kesel, upami pun bojo nyarios . “Wayahna Engkang abdi nuju datang bulan,” pokna bari nyéréngéh.
“Naha ari manéh Sujang jauh-jauh kadieu, mawa usul teu uni. Balik kaditu!” Nini Antéh ngusir, tapi bari imut kanjut.

BQJU JIMAT

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 17:30:04

Eusi lomari dibudalkeun nu ditéangan angger teu kapanggih, palangsiang aya nu ngampihan
Pikiran langsung ngacacang kamana-mana,
Nyel ambek ka si bibi nu sok sangeunahna mindah-mindahkeun barang.

"Bi...! Ningalan nu dibungkus lawon bodas teu?"
"Heunteu Neng." Bari ngagorowok di dapur.
Kuring beuki tagiwur, sieun ku itu ku ieu.
Waktu beuki nyedek, nu dibungkus lawon bodas teu kapanggih kénéh.

Hiuk aya angin ngahiuk di tengah imah, pelenghir bau menyan. Haté ratug kesang kaluar masehan saawak-awak.
Diluar sora kuda asa beuki ngadeketan. Ayeuna peuting ieu sagala jangji malik kasorangan gara-gara nu dibungkus lawon bodas teu kapanggih dimana ayana.

CACAKAN TEPANG DADAKAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 17:10:51

Paadu teuteup. Luk tungkul. Damis manis, ngalayung. Asa dibéré kasempetan niténan. Buukna nu hideung meles, diiket basajan. Irung bangir, soca cureuleuk liuh linduh, lambey beureum baseuh, pipi dipapaés kuwung-kuwungan, sampurna! Moho matak pogot. Dilak..., haté ngajaul. Hayang teuing babaung, hanjakal dina angkot. Geduk. Tuur paadu. Paamprok teuteup deui. Saméméh tungkul, aya imut nyumput.
"Kiri, pir...!"
Aya ku halimpu.... Gebeg! Koréjat. Atah adol! Kaleuwihan jauh naker. Jrut milu turun jeung nu geulis.
"Ari sia lila-lila teuing? Rék nyiksa salaki, satéh!"
Pudigdig! Haté kaduruk timburu jeung keuheul. Manglebarkeun. Geulis-geulis daék dipihukum ku lalaki kolot goréng dodongés modél kitu patut.
"Angkotna ngetém lami." Aya kelét.
"Alesan! Hayu mantog!"
Asa kaheulang. Balik ka imah, teunangan. Haté ngarumpuyuk ku milik batur. Brek gering.
Mangsa layung hibar. Jol..., Manéhna dituturkeun Ki Dalang nu kukulutus.
"Sinatria épés méér silaing mah! Aing-aing kénéh nu makalangan patutunggalan jeung Si Rahwana. Kop tah!"

GATOTGACA

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 15:38:59

Pokonamah lamun urusan jeung anu sipatna mogok, kajen sangsara saumur-umur. Kacaduan kuring ti keur budak tug nepi ka ayeuna. Waktu ka Bandung, motor mogok teu ngadagoan eureun langsung ngagajleng, pon kitu mobil sami mawon. Ceuk doktermah panyakit langka. Tatamba kaditu kadieu kalah wowotan. ngan rada kaubaran tara tutumpakan unggal poé.

Kali mangsa kuring meunang panggilan gawé ka luar jawa, atoh batan kacida. Jauhna teu matak suda, ngan éta wé ku tutumpakana. Can ogé karandapan késang badag miheulaan maseuhan saawak-awak. Dasar panyakit kampung.

Atoh pacampur sedih. Ninggali indung jeung adi ngajajapkeun ka Bandara. Kacipta balikna ngabéwarakeun katatangga sakampung yén budakna meunang kalungguhan.
Diuk dina korsi anu loyog jeung tikét. Kapal udara ngapung. Teu sawatara lila "Harap saudara tenang kapal yang anda tumpangi ada sedikit gangguan" pramugari ngumumkeun.
Panto di teumbrag! Gajleng luncat!

MUJA

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 15:27:34

"Kades, bejaan atuh urang! kumaha carana meh urang bisa beunghar ciga Maneh?" ceuk Mang Ujang preman terminal. Ka Pa Kades nu keur maraban lele di tambak "Atuh da Maneh, mah sagala jadi duit, usaha naon bae sukses, bener kabita. Euy" Pok na deui. "Bener maneh teh hayang Ujang? sok ku urang dibejaan rusiah na tapi kudu daek ngalakonanana jeung kudu mersihan awak heula saacan na" Tembal Pa Kades, Mang Ujang rikat unggeuk. "Gampang...muja we urang mah." Saur Pa Kades. "Hah... muja naon pa? tuyul, jin atawa naon terus mersihan awak teh mandi kembang tujuh rupa kitu? Nya daek lah... asal beunghar we?" Mang Ujang bangun nu sumanget "Ih...maneh mah kamana karep. yeuh... pan urang teh boga agama, urang mah muja teh ngan ukur ka nu boga urang nu ngahirupkeun jeung nu ngusik malikkeun. Tah mersihan heula awak teh bersihan harta urang ku jakat jeung sodakoh tea. Sujang...!" Ceuk Pa Kades bari cumengir. "Ah,... embung solat mah bet loba ustad ge nu sangsara" Tembal Mang Ujang ngabengbeos.

NYELANGAN ADAN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 14:49:09

Méméh subuh, Idah geus tuturubun ka pancuran. Ngajingjing seuseuheun, ngélék kumbahaneun.
Anjog ka cai, lowong. Brus, seuseuheun dikeueuman. Terus ngumbahan wawadahan. Cai ngagelenter, ngagenyas hérang. Tinggurilap kasorot bulan.

Di tonggoheun, masjid meredong paroék kénéh. Jempling. Biasana sok kapireng batuk Abah, rék adan. Geus dua subuh taya nu adan. Leungiteun. Palangsiang Abah gering.

Beurangna. Ngahaja nempo ka imah Abah. Bisi kumaonam, mangka geus kolot. Imah-imah sorangan.
"Assalamualaikum...."
Ngetrokan panto.
Kulutrak muka.
"Waalaikumsalam...."
Ngelol. Katara, rarayna sepa.
"Abah, kumaha damang? Tos dua subuh teu aya adan...."
Sor, ngasongkeun gegetuk sampeu kasedepna.
"Nyéta, Nyai..., geus dua poé muriang...."
Jegoh batuk.
Abah cacamuilan ngopi gegetuk. Watir. Geus lila nyorangan. Saprak nini Uti maot, genep taun katukang.

Subuh geus ampir béak. Idah tuturubun ka pancuran. Beberesih. Meunang wudu. Sup, ka masjid. Kulutrak, cetrék. Ngong adan. Sorana ngalanglaung ngaliwatan sapéker. Lalaki-lalaki batur salemburna tingkoréjat.

ASA NGIMPI

Kénging Abu Fhatin
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 14:31:11

Tok dug, tok dug, bedug lohor tuluy ditihtirkeun ku marbot masjid, kuring gancang ngamparkeun sajadah di dinya di teras pas pisan gigireun kohkol bedug.
Saberesna salat tahyat masjid kuring diuk sila bari tungkul sirah beurat teu kuat tunduh, hawar-hawar adzan lohor di jero masjid ka denge sorana ngagelik matak nurih kana ati ngan orokaya angin anu ngahiliwir niupan biwir panon .
"keun da adzan mimiti keneh ah, cekeng maksudna aya waktu keur ngalenggut ngarasakeun tunuh tina awak anu lungse balas digawe tadi isuk, les we ti dinya teu emut deui nuju di mana kuring, malah mah rarasaan teh asa aya di hiji tempat di dinya aya anu cumarita tapi sorana hawar-hawar sakapeung kadenge naon nu di omongkeuna sakapeung les teu kadenge sama sakali seok angin katingali hareupeun kuring di hareup aya jelema pating karecewis bari tutunjuk teu kungsi lila karasa aya anu nepakan kana punduk, korejat teh jamaah geus narangtung dek sholat jum'ah ari khutbahna iraha ieu teh?
Ceuk kuring bari nyusut biwir'

JANGJANG KALIMAH

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 13:48:05

Asa diudag jurig. Pagawéan teu pernah réngsé. Padahal hayang gancang reureuh. Merenah, nanggunjar lambar malem Juma’ah. tapi unggal nepi ka imah, gék, ngong adan. Gek, ngong adan. Ti adan ka adan asa taya antaréna. Rét kana korsi, melendoy, beurat nahan awak anu terus nindihan, nyieun laporan. Adan isya ditungguan, maturan budak anu jigrah jeung film kartun karesepna. Galécok ngobrolkeun pengalaman ulin tadi beurang. “Mah tong waka tibra! Ké atuh geus saré budak,” cekéng téh. Ngaléos. Gék deui dina korsi paragi nganggeuskeun pagawéan. “Méh bareng murak buah. Kéh hayoh kapiheulaan ku lalay. Tadi pasosoré, untung katinggali”, nambahan. Puguh jambu geus asak na tangkal, gancang diala. “Pangajulna disimpen deui?” tanyana. “Tuh pangajulna, ditunda deukeut gantar pamoéan calana. Gera sok pilari, bisi kudu dielap, da tadi mah loba sireum”, ngingetan. Rét ka budak geus talibra. Rét kanu diajak ngobrol, duméh teu kecét-kecét. “Aéh ningan keur kérék”. Rét kana jam, sakeudeung deui Adan subuh.

AÉP

Kénging Jonny Taurus
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 13:44:57

Harita di béngkél Véspa, menerkeun motor kameumeut, kuring udud bari ngopi. Rentang-rentang katingali, aya anu nungtun motor, jékét lépis hélem pulpés, jigana Vespana mogok. Barang hélemna dibuka, asa wawuh ka manéhna, moal salah sobat kuring, si Aép urang Banjaran. Bari nepak bangun sono, kuring nanya ka manéhna. “Sugan téh lain ilaing, Aép jéger parapatan!” Manéhna bangun nu reuwas, melong heunteu ngiceup-ngiceup. “Tong melong kitu ka aing, tah udud kabeuki sia” bari song mérékeun roko. “Punten abdi mah teu nyesep” témbal manéhna dareuda. “Na kunaon ari sia, geus teu kabeuli ududeun, atawa sieun malarat?“ manéhna ngan ukur imut. “Naha sia jadi anéh, ngomong maké basa lemes, dasar sia Aép Gobang” kuring beuki ngarényohan. Manéhna semu nu keuheul, kusiwel mukakeun dompét, bari song méré katépé “Punten abdi sanés Aép, abdi Udin ti Cikadut”. Kuring melong ngembang kadu, polah bueuk meunang mabuk.

DEMI PANJI

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 13:08:18

“Allooohu Akbar!” Patinggorowok. Murudul. Nu ngadalak ti madhab papat. Ti pasir-pasir, sakuriling bungking. Pasirjaya haliwu. Patingburisat. Sora bedil awor jeung kocéak. Ketir-keueung ngarurugan saban hulu. Katingker. Kapaksa sadrah.

Poé nu nyulayaan panyangka. Sabada ngalalana mangbulan-bulan. Demi lemah cai. Buméla bébéakan, niginan sumpah kaprajuritan. Ngayonan Walanda bodas-hideung, saban-saban. Meresihan Madiun tina karaman. Unggal wanci diincer pati. Jol ka lembur sorangan, bet disebut gorombolan ku gorombolan. Peurih. Dipénta méngkolkeun kasatiaan, dititah nobatan perjoangan. Mingkin nyeuit, sajajalan ‘na abringan tawanan. Ras ka Kaptén Murad Idrus, cikénéh ditugel jangga, haté ngagidir niténan gobang.

“Naon ieu?” Popolotot, barangasan. Ngebut-ngebutkeun panji. Nu ngadodétkeun tatu. Nyanyautan. Burulu, emas jeung duit paparin ti Surakarta. Sakilat gup-gap. Bégal-bégal nu ditaropéngan agama. Panji mah ukur dialungkeun. Kekerot. Manéhna ngarérét. Nyampeurkeun, ngabar-ngabar.

Beledug. “Walandaaa!” Bedil jeung mortir. Patingbérébét, patingjelegur. Antralina kadatangan. Nu narawan tagiwur, paburisat. Manéhna cul gobang laju ngokang. Pias, kumeleter. Ngéker-ngéker sabot nukangan. Kabeneran. Keteyep. Gap, panji jeung gobang.

KASORAN

Kénging Cucu Unisah
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 12:55:10

Indit nyorangan geus jadi kabiasaan, kudu daék jeung kudu bisa. Mang taun-taun dididik kudu mandiri, teu hariwang sok aya nu ngaping. Jiga ayeuna meunang béja adi beuteung asup ka rumah sakit, pasosoré miang ka Yogykarta.

Geus tilu poé ngagugulung nu gering, waktuna balik ka Bandung. Ngahaja kana karéta ngarah nyalsé. Aya waktu dua jam méméh karéta mangkat, tamba kesel ngalanto heula ka karaton.

Barang sup ka gerbang karaton, léngkah dibagjakeun ku hipuna kikisik, gending Jawa kabawa angin nambahan kabetah. Anjog ka hiji gedong agréng, awak karasa pating sariak, panca indera mimiti dipuserkeun. Dua arca singa nu aya dikénca katuhueun gedong katempona carengkat.

“Wonten menopo?” cenah disela geremanna.
“Kulo sowan mriki, badé silaturohim, mbonten wonten niat awon.”

Sakedapan silih pencrong, geus kitu arca singa ngudupruk diuk deui.
Laju neruskeun lengkah, leumpang ngagandeuang. Si coréléng nu satia, nuturkeun bari teu weléh waspada.

NU KARÉK BALIK

Kénging Oja Wijaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 12:46:16

Nongtoréng kénéh pok-pokanana, basa rék miang.
"Moal matak kajieun imah, ladang gawé di lembur mah, Kang!" Éléh géléng. Kapaksa ngidinan. Néangan rijki di Arab.
Kiwari hirup nyorangan. Poé ganti minggu jeung bulan. Lila ku lila, jadi malik genah. Haté nu kamari sedih, kiwari kabangbalérkeun.
Nincak kana sataun, manéhna geus mulang ti Arab. Padahal ari batur mah, sok aya kana opat taunna. Kabungah awor jeung rasa panasaran. Pagaliwota.
"Geuning geus balik, panan karék...?" Can gé anggeus nyarita.
"Ulah nempo lilana di Arab, tempo yeuh hasilna!" Leungeunna ngasongkeun kérésék hideung. Terus dibuka. Bréh, duit nu bareureum minuhan kérésék. Ngembang kadu, teuteupan teu kiceup-kiceup.
Rét ka manéhna, nu ngoloyong muru kamar mandi, nu nembrak taya hahalang. Bréh, katempo beuteungna rada bareuh.
"Keur eusian kituh?" Ukur ngagerentes.

JANUARI GEUS LEKASAN

Kénging Jaya Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 11:28:03

Bulan pias ngeunteung na sagara. Éndah mawurkeun mangpirang inten, boborélakan satungtung deuleu. Diayun ambing ku lambak tresna. Tresna nu mingkin ngawirahma dina unggal rénghapna. Ngeusian unggal lolongkrang kiceupna Béntang. Jerona laut kahéman. Teu kateuleuman ku geter deudeuh duaan, moal katataran ukur ku karep jeung pangharepan.
Gelebugna angin mawa iber, iber yén peuting ieu ogé anjeun neuteup kana Béntang nu sarua. Mawa pangdunga nu dititipkeun kana galindengna Méga nu sarua.
Kana asih, kana pasini. Nu hamo dék jalir jangji.
“Saha atuh anjeun?”
“Saha atuh kuring?”
Patalékan nu moal ka jawab ku kedalna lisan. Urang buktikeun kaliuhna Bulan, urang béjakeun kaseuseukeutna Béntang.
Januari geus lekasan. Anjeun teteg dina rél kahirupan moal baha kana ugeran. Kuring panceg nganti na pangeureunan.
“Negatif, I say again turn RIGHT TEN degrees !” Sakali deui kapireng ATC ngabéjaan.
“Eagle 1, DO YOU COPY?” Tarik pisan.
ATC : Air Traffic Control

NU NGOLÉMBAR

Kénging Edi Junaedi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 09:14:24

Teu nyangka sacongo buuk ku Nyi Minah, budak geulis rancunit nu biasana lungguh-timpuh, teu loba pamulu, bet jadi unggah pangadatan. Dangdanan nu biasana basajan, tara elat tina tiung, mindah rupa jadi ménor, urahay, bari sagala témbong, nginum jeung udud sagala.

Kituna téh tisaprak wanoh malah nepi ka ngajadi kabogoh Si Lukas, urang sabrang nu bubuara ngadon usaha muka konter. Padahal Si Lukas geus boga pamajikan, jadi TKW di Taiwan. Katambah-tambah béda ageuman. Kolotna taak. Teu beunang diomongan. Genep bulan hubungan, mindeng mondok-moék. Mamaksa kawin, ngaku beuteungna geus eusian. Malah ngaku geus pindah kayakinan. Antukna diusir teu diaku anak.

Sataun hirup ngarumah-tangga, pamajikan Si Lukas balik. Gur-ger paséa. Silih-jenggut. Diusir sapajodogan, Si Lukas teu wani nulungan. Eléh ku pamajikan, dadakuna mah lebar ku gémbolan Dollarna. Rawah-riwih, balik ngais orok, nyuprih rido-galih nu jadi kolot.
"Ehm...na'udzubillah tsumma na'udzubillah,". Cetrék mareuman tipi.

KAPAKSA NGEUNAH

Kénging Erik Rahman
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 08:47:42

Huntu diadu kekereket basada, mata mencerong sakurilingeun, waspada nangguan bising-bising aya balai. Kagagas baheula waktos peuting masih dibeulit ku hawa manehna. Raray, ramo, buuk ngadadak rubah kana kaayaan masa anu can kasorang. Ngolotan sateucan wancina téa, hayoh gégétrét padahal teu ateul, dicoco kuku tembus kulit hulu saking haneeul. Asa hayang ngagares gunung tuluy nguyup lahar anu keur mejeuhna ngabaranyai. Geleh atuda. Bodo amat deuk nunjeul tah hanteu kana haté, bongan saha dicalukan ku uing teu maliré. Majarna hilap, rosa amat, naha pédah rarobah waruga uing, atawa emang geus bosen neuleu uing.
Wanci manehna ka kamar cai, hayoh ku uing diudag, pas uing ngonci panto manéhna ngagorowok reuwas. "Mang ieu WC paragi awéwé". Ngotot hewa ka uing, bari kalem di waler ku uing "Éné na teu apal ieu ogé paragi awéwé!!" Rada ngaharéwos nunjuk bobogaan uing.

KASIGEUNG

Kénging Atang Soeryana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 08:30:18

”Sial…dibaturan ku dia mah Min, beuki tiiseun bae.” Nurman ngutruk. “Aah… dia mah bisana nyalahkeun batur wungkul, nu puguh mah karapokeun! Taktage sing gableg lelenged. Tuh si Isah gé teudeuk numpak. Dikamudi ku dia mah kos kasurupan, panumpang dianggap karung cenah.” Minta nyereng.
“Heh…! Dararia deuk paraséa…deuk narik? Tuh muatan geus baringsangeun!” Calo ngagorowok.
Geuleuyeung maju. Karak gé ratusan meter, geus cékcok deui. “Asa pincang ieu téh Min, coba deuleu bisi kurang angin!” Ceuk Nurman. “Lain kempés ban ieu mah, paling gé busina bopéng, atawa lampuna pareum sabeulah.” Tembal Minta teugeug. Can balem. Cekiiit! Reg mobil eureun ngadadak. Jut Darmin turun, jebrod panto mobil ditajong. Nyorongot. “Ngomong naon dia goblog! Ngahina aing! Beungeut aing bopéng, mata aing kencés sabeulah téh laing kahayang aing deuleu!” “Bongan dia mobil sakieu hadéna disebut pincang. Naha cokor aing leutik sabeulah téh kahayang aing kitu?” Minta teudeuk éléh.

Kamus alit:
Dia = sia = manéh
Lelenged = rarasaan --- gableg lelenged = boga rarasaan
Teudeuk = teu daék = embung
Dikamudi = disupiran
Dararia = maranéh
Baringsang = hareudang

BANGSAT

Kénging Agus Suhana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 07:57:50

Raga ngababatang di sisi halteu beus, taya nyawaan..
Ratusan jalma ngagimbung, nyarekel pakarang. Beungeut maranéhna geus lain manusa deui, tapi dajal-dajal nu dikomando ku hatena nu buruk tur bilatungan.
"Bangsat! Paéhan!!" Ceuk dirina sorangan, tuluy nalapung éta layon.
" puas, siah!!'' Nu hijina deui mupuas, croot nyiduhan bari tuluy nyéréngéh.
Padahal, rada anggang ti tempat éta. Di hiji imah bilik nu geus reyod, aya nu ngabangingik.
Dina bale nu di gelaran samak salambar, 5 budak laleutik kénéh keur careurik. Nempo indungna keur ngagoler gering parna. Malah nu pangleutikna nu karek umur 4 taun, kadéngé ngaharéwos ka lanceukna..
"Nde lapar, téh" Pokna bari nginghak...

KARNA

Kénging Agus Suhana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 07:57:01

Raga ngababatang di sisi halteu beus, taya nyawaan..
Ratusan jalma ngagimbung, nyarekel pakarang. Beungeut maranéhna geus lain manusa deui, tapi dajal-dajal nu dikomando ku hatena nu buruk tur bilatungan.
"Bangsat! Paéhan!!" Ceuk dirina sorangan, tuluy nalapung éta layon.
" puas, siah!!'' Nu hijina deui mupuas, croot nyiduhan bari tuluy nyéréngéh.
Padahal, rada anggang ti tempat éta. Di hiji imah bilik nu geus reyod, aya nu ngabangingik.
Dina bale nu di gelaran samak salambar, 5 budak laleutik kénéh keur careurik. Nempo indungna keur ngagoler gering parna. Malah nu pangleutikna nu karek umur 4 taun, kadéngé ngaharéwos ka lanceukna..
"Nde lapar, téh" Pokna bari nginghak...

LAKI ÉWÉ ANU AKUR

Kénging Cadu Mundur
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 06:01:51

Halimun kandêl ngeukeupan Bogor wétan. Hayam pêlung hayang maroyan, pada anjeucleu nga-bêluk nyalukan sang surya anu éra némbongkeun cahaya-na...

Di lio Sukamanik hana Somantri. Siya leumpang nyanglandeuh nuju désa Cihaliwung nyiar surabi pakeun sang éwé. Hanteu wawuh ka anu ngarana cape, siya leumpang têrus-têrus sabari nanyakeun tukang surabi ka saban janma...

Sang éwé nga-sms: "Kakang, nyiar surabi lila pisan. Lamun euweuh anggeus balik mulah ngaripuh-ripuh Manéh!" | Somantri: "Hana geulis di Cihaliwung. Hengan oncom-na lain oncom Bandung, baé inya nyi?" | Sang éwé: "Hihi... Meuni mudu sagala Bandung. Masing nyaho Kang, Pasundan lain ukur kuta Bandung. Jakarta, Brêbês, Cilacap têpi ka Diéng Pasundan kénéh." | Somantri: "Haha... Dia heureuy meuni hanteu nyambung pisan. Ini eukeur nyarita oncom lain eukeur nyarita Taneuh Sunda."

Ini sang éwé têrus kaluar ti imah, deuuk di bangku buruan ngadagoan Somantri mawa anu di pikahayang. Siya ramisak bakat ku bagja boga laki satia jasa.

OPAT SUBUH

Kénging Yulistiani Taslim
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 05:45:09

Haleuang adan subuh ngalanglaeung ti unggal masjid.

Di gedong Pa Hilman. Bu Hilman nguniang terus muru kamer Néng Pipit, ditoélan kalah murungkut, didudut simbutna terus ditungtun ka cai, arabdas. Pa Hilman ngaderes di mushola kulawarga jeung Si Cikal. Terus berjamaah.

Di imah Mang Darta. Bi Engkay geus ngadonan pisurabieun ti janari mula dibantuan Iin anakna. Nyelang ka carai heula, abdas terus sarolat. Mang Darta mah berjamaah di masigit deukeut imah.

Di bumi Cép Andi. Adan geus liwat ampir sajam. Tibuburanjat Ndén Mila jeung Cép Andi harudang. Brus dialangir, gura giru solat balap jeung carangcang tihang.

Di saung Aki Ohod. Panonpoé geus bijil. Nini Emong, anak, minantu katut incu-incuna nu geus jalugjug talibra kénéh. Euweuh nu solat, " teu matak beunghar ieuh, solat teu solat angger wé masakat." Kitu ceuk pikiran maranéhna. Geus matri jadi Idéologi.

KEMBANG EROS HAREUPEUN IMAH

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 01:54:55

Malem Jumaah. Hujan ngaririncik. Sabagian poékna nyumput. Kaéraan ninggali polah manusa. Ilahar. béda jeung peuting-peuting séjéna. Bangkong jeung cakcak segut nyaplukan reungit di téras imah.
"Manéh, tong luluncatan teuing ngagandéngan dunungan!" Cak-cak ngantelkeun ramo kana biwirna, panon mélétét tina sela-sela kaca buplih.
"Heueuh, ari nyanéh nénjo naon?" Bangkong ngajentul panasaran "sset..! jempé" Cakcak olohok mata simeuteun" Guprak! ragrag, cakcak cungar-cengir nahan kanyeri.
"Kunaon, nyanéh?" Bangkong kagét.
"Ha..ha..ha.., pokona aya wé, moal di béjaan" rumanggieung ngarayap katempat asal.
Bangkong panasaran bati hook. Kembang Eros beureum nyéréngéh. Surti. Kana kajadian jero imah.

TANJUNG LESUNG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2014 00:37:50

Béak beurang béak peuting, mapay jungkrang malipir pasir, Radén Budugbasu nyiar cawéné nu aya na impianana. Tepi ka lembur sisi laut. Ngadéngé nu trang-tréng-trong. Ngagedebeg, neuleu bikang doang na impianna. Keur ngagendréh. Susulumputan pangteges tina jorongan. Bérés narutu, haliwu nu cacahan “Nyi Pohaci mah endung baé dikawinkeun nyah, éta ieuh jing nanggoan parajaka nu datang kana impianna" galécok. Isukna, najan isin, lajuna mah balaka, ngonokeun. Pro wéh, jadi reureujeungan ngulawarga.

Radén Budugbasu, katépaan resep ngagendréh. Malah bari ngalagé sagala. Ngadoncla ka ditu-ka dieu, lincah surungah-séréngéh. Lat poho kana larangan nutu, nyaéta wanci Juma’ah jeung sandékala.
"Deuleu... lutung ngagendréh!" nu ngaraliwat haliwu.

Janggélék Radén Budugbasu jadi lutung, katulah olot. Wirang jasa. Lumpat ka leuweung. Nyi Pohaci isin ogénan, lajuna mah kabur ninggalkeun lembur. Kebel-kebel aya béja jadi Déwi pangjaga paré.

Kabiasaanna nutu lisung, dina tanjung basisir, kacatur salelembur, éta wewengkon nelah “Tanjung Lesung” éndah tempatna, haneuteun pada noongan, nepi kwari.

Kamus Mini :
Cawéné = Parawan
Doang = Siga
Jasa=pisan
Ngagendréh=Ngagondang/Nutu di lisung bari kakawihan
Pangteges=ngarah atra
Jorongan=émpér imah
Cacahan=Ngobrol
Endung=endung
Parajaka=jajaka
Ngonokeun=ngomongkeun
Ngalagé=ngibing
Ngadoncla=Luncat
Ogénan=ogé
Kebel=lila
Noongan=narénjo