Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Januari 2014 (20 Naskah)


NÉWAK BÉNTANG

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 22:49:41

"Yap kadieu Cu, cuang ninggal langit. Saé téh," cekéng ka Si Bungsu nu teu kanyahoan aya di tukangeun.
"Saé naonna Ma, teu aya bulan," témbalna bari neuteup langit nu poék.
"Itu tinggal aya béntang, jabi sanés hiji, seueur pisan. Sok ku Adé étang!"
Curukna nunjuk béntang nu patingkaretip di legana langit. Lila. Kucap-kiceup. Neuteup.
"Seueur Ma, teu kaétang. Nuju naon béntang téh di luhur Ma?"
Ngabetem sawatara waktu, bari neuteup socana nu polos. Aya nu nyeuit dina dada. Gusti...tong leungitkeun cahya soca ieu nu jadi béntang di poek mongklengna ieu haté.
"Nuju ngawartosan Mama sareng Adé, énjing bakal aya panon poé nu caang," cekéng dareuda.

NGASAH KUKU

Kénging Edi Junaedi
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 22:33:17

Tutugan Gunung Tampomas harénghéng, loba nu ngadeugdeug. Aya nu nyaung-nyaung ngadon tatanén, nu naluaran kai, jeung ngerukan keusik ku béko. pon kitu deui pangeusi leuweungna, padungdengan, rék aya milih "Raja Leuweung" anyar. Méong congkok kolot kurang komara, ompong sihungna, nunggelis, pada moro. Sato-sato lain ngamangpaatkeun éta kasempetan, ngajagokeun kojona. Aya surili ti golongan monyét, heulang ruyuk ti golongan manuk, sanca kembang ti golongan oray, jeung lianna. Spanduk jeung baligo rapang. Maranéhna lain teu nyaho kana kagiatan manusa nu keur ngagarogotan kalumangsungan hirupna, leuwih mentingkeun ngasah kuku, marebutkeun kakawasaan.

KEMIS PEUTING

Kénging Mank Oecoe
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 22:20:45

“ Blug... blug...korosak ....golombrang...! “ sorana tarik kacida. Teuing timana asalna. Diluar hujan ngaririncik. Hawa tiris nyieun simpé. Sato peuting disarada. Bangkong , jangkrik reujeung cihcir. Nambah keueung nu borangan. Tileuweung nu béh tonggoh. Ajag teu eureun babaung. Puringkak sabulu-bulu. Kawani ngadadak leungit. Pangacian jadi ilang. Gedong sigrong nu geus heubeul. Sabagian enggeus ruksak. Titinggal jaman walanda. Unggal kamar euweuh lampu. Poek mongkléng butarata. Keteyep kuring ngeteyep. Asup ka kamar kahiji. Neges- neges asal sora. Lebeng henteu kadéngé. Kabéh kamar diasupan. Asal sora tetep euweuh. “ rekét... korosak... blug... blug... !“ kadéngé deui sorana. “ Euleuh... boa-boa datang ? “ Kesang tiis ngagarajag. Keteg jantung jadi gancang. Pikir geus lumpat kadinya. Mahluk anu teu diondang. Pikasieuneun jeung galak. Matak sawan budak leutik. Matak birat nu borangan. Ngadadak Sirah téh lieur. Keteg jantung jadi gancang. Tapi nu teu kungsi lila. “ korosak.... blug... eong...eong... !“ Écés kadéngé deui. “Aéh siah geuning Mones ! “

SUANTEN EULIS

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 21:38:39

Jentréng kacapi jeung gelik suling meuraykeun lalangsé peuting anu pinuh ku pepedut, angin ngahiliwir ngawirahma tembang dangding katresna, hawar-hawar aya sora anu ngagalindeng meupeuskeun kasimpé, mapaésan kacapi suling anu terus ngadu manis.
Lalaunan pepedut nyingray, bulan némbongkeun pamolahna, béntang-béntang pating kariceup papada baturna bangun nu hayang paheula-heula nyarandékeun pangharepan.
Bray beunta, rénghap napas ngaluarkeun bangbaluh, sora éta atra mindeng kadéngé saban wanci.
“Kang, Eulis ngahariring ukur kanggo Akang.” pokna
Nyéh imut malédogkeun dilak nu matak sumeblak ngaruntagkeun rasa. Teu wasa nyarita ukur rénghap anu pageuh maneuh dina rangkulan kadeudeuh.
Diluhur, pangrasa ucang anggé dina sumiratna bulan kahéman, nu bodas nyacas pinuh ku katresna.
Didieu, Kuring nyawang Eulis bari nyampaykeun pangharepan.
“Eulis, suanten Eulis keur Kuring, ngawirahma sapapanjangna…” teu karasa haté ngagerendeng.
----------------------------------
Kahatur : Eulis nu nuju nganti

LOBA NU MAKSIAT..

Kénging Hibban Muttaqin
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 20:40:02

Ngemutan kang, ti mimiti taun baru, liren heula,, weureu,,!! ngawitan engké wengi mah kedah disarung,, sing rido nya, kang..!! muhun, mangga,, waler salakina, bari terus nyetater mobil, indit ka tempat gawe...

Geus direncana,, beres gawe nyimpang ka hiji toko,, "nuju kosong pa..!! ceuk pelayan,, tuluy ngabelenyeng néang tempat séjen, ber kaditu ber kadieu,, kabeh minimarket, ogé warung-warung leutik, sarua jawabanna "nuju kosong,,!!"... teu biasana, tepi imah kapeutingan.. "wengi gening, capé nya kang,, sok gera ibak heula,,, tuh tos sayogi cai haneutna,,!!

Isuk-isukna,, bari nyuguhkeun citéh manis,, "mening terus disarung wé nya kang, asa leuwih nikmat,,!! Oh kitu,, Alhamdulillah atuh..!! ceuk salakina,, bari tuluy ngahanca hiji judul berita surat kabar,, "Setiap Tahun Baru, Persediaan Kondom Selalu Habis.."
Hmm pantesan..!

TAUN

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 19:00:14

Lima, opat, tilu, dua, hiji. Tarompét jeung kembang api ngarueah- reuah kasuka manusa. langit jebi ku ceudeumna.
"Jadikan tahun baru ini sebuah momentum, bahwa perubahan di mulai dari kita" Inohong anu sieun kaleungitan pamor biantara.
"trét.. trét..kamprét..beledug..bedegul..tigeledug" ngan aing jeung manéh, tarompét jeung kembang api silih pelong, ari manusa kamarana?.
Taneuh muringis linu dipitapak lantaran pausahan nagara nalenankeun rahayatna, naékeun harga LPG alatan rugi.

MEGAT LAYUNG DI BABANTAR

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 18:03:26

Riak beungeut cai babantar. Tingarudat. Digiring hiliwir angin leutik. Tingcarélak. Katojo sumirat layung. Bango Tongtong jéjéngkéan. Mapay-mapay biwir tanggul babantar.

Bruh-bréh. Narémbongan. "Iraha ka lembur Sujang? Ieu karesep manéh. Kulub Kacang Bandung haneut kénéh. Beunang ngala Ema ti Cipéngkor tadi isuk?" Bati kumétap. Lalawuh ngarot cikopi pasosoré. "Kapan Bapak pulang? Adé mau ke Taman Warik lihat Bekantan Si Hidung Panjang!" Si Bungsu ngarenghik.

Na néangan naon atuh aing téh. Néang kahayang nu tacan kasorang? Nyiar pangaji nu tacan kasungsi? Bareng jeung sulusupna layung. Hawar-hawar. Adan magrib ngajak neruskeun pilampaheun.

DÉTÉKTOR KABOHONGAN

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 09:26:52

Mesin pamariksa kabohongan geus réngsé diomé. Maké ‘sénsor’ jeung ‘motorik audio’. Propésor nu nyiptakeunana rék nguji coba. Lancar taya masalah.
Di tengah imah. Jam salapan peuting. Mesin diuji deui. Cetrék! Dijalankeun. Jol anakna datang, parawan masih SMP.
“Ti mana wayah kieu kakara balik?” Propésor nanya anakna.
“Ngerjain tugas di rumah temen, Pap!” jawabna.
“Tit….! Tit…! Bohong…!” aya sora tina mesin ‘détéktor’ kabohongan.
“Ngabohong tah! Yeuh, Papi mah dulu jaman sekolah mun rék ulin nya bébéja ulin. Mun rék ngapalkeun, pasti bener diajar!” ceuk Propésor deui.
“Tit….! Tit…! Bohong…!” Mesin détéktor disada deui. Torojol indungna ti kamer.
“Huh! Anak jeung Bapa sarua gedebulna. Tanyakeun ka Enin manéh! Mami mah keur parawan belasan taun, ari sareupna tas solat Magrib ngabring indit ngaji jeung babaturan. Balik téh tas solat Isa berjamaah, boro-boro liar balik peuting nepi ka wayah kieu…,” pamajikan Propésor bangun agul sorangan.
“Tit….! Tit…! Bohong…!” Tiluanana ngabaretem. Papelong-pelong.***

TRAGÉDI MAPAG TAUN BARU

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 09:07:03

Dur maghrib, lain adan, pepetasan patingbeledag. Gandéng. Tai ceuli asa racleng. Nu pésta mapag taun anyar beuki maceuh. Poho solat. Poho ibadah. Poho yén di komplék téh loba orok jeung aya jalma nu keur garering. Luhureun kenténg, kembang seuneu batingbarasat. Dor-dar di ditu di dieu. Perang mércon teu eureun-eureun.
Cép Joni sabatur-batur patingcakakak. Parebut nyeundeut mércon terbang. "Deuleu, tuh nu aingah tarik ngabelesatna. Jaba sorana harus pisan. Kembang apina paling hébring!" ceuk Cép Joni bari nulak cangkéng. "Yeuh, nu aing leuwih badag mérconna," ceuk Jang Omés bari siap-siap meuleum sumbuna. Teu lila, seuneu ngaléntab awak Jang Omés. Sieeeet...! Belesat awak Jang Omés mumbul ka jomantara. Beledag..! Beledag..! Beledag...! Tilu kali aya sora handaruan dibarung patingburisatna awak Jang Omés. Warna beureum burahay di langit.

KPR

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 08:40:58

Gilig. Poé munggaran di taun anyar metot haté jeung uteuk sina lumpat. Kuring kudu mecat. Noong rékening meunang mereketkeun sataun kamari jeung aya kénéh mas kawin titinggal salaki jigana geus cukup jang nyumponan DP.
“Meungpeung murah tur cicilanana kahontal ku pantar kuring jeung deuih meungpeung budak leutik kénéh, keun bé teu tohaga ogé asal iuh wé heula, da heueuh harga mawa rupa, ké jaga bari dibebenah saeutik-saeutik piraku Anjeunna teu maparinan rejeki!” haté norowéco, uteuk muter.
Kencling ka kantor pemasaran rék nanyakeun persyaratanana. Keretas ditampanan laju diilikan, dibaca antaré naker. Hémeng.
“Dupi kanggé honorér nyandak nu mana persyaratanana ieu téh?” cekéng meupeus kapanasaranan.
“Oh, Ibu honorér? Aduh, maaf sekali Ibu untuk saat ini belum tersedia persyaratan bagi honorér karena dari pihak bank selalu tidak meng-acc pemohon yang honorér! Maaf sekali ya Bu…” ditungtungan ku imut.
Kuring liwung.

SORA DINA TUNGTUNG JANARI

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 08:04:07

"Emaaa!"
Hawar-hawar sora budak gegeroan. Sabada kembang api tingburinyay luhureun suhunan. Semu ngemu kahanjelu.
"Bapaaa!"
Atra pinuh kahanjakal. Sanggeus sora tarompét jempé.Padahal di kamar ngan sorangan. Kuring muriding. Rurat-rérét ka sakuriling. Ti mana jolna? Kakeueung arasup kana liang bilik nu can katutupan, babarengan jeung hawa janari nurihan kulit. Awak nirisan.
Isukan kudu néangan kalénder 2014 keur nutupanana. Haté ngomong sorangan. Laju neuteup kalender nu ngajajar sakuriling kamar. Nutupan bilik. Ti taun 1962 nepi ka taun kamari. Taya nu katuncal.
Ih, naha tina angka-angkana merebey cai? Jantung ratug. Rét kana jam dingding. Beuki tingpuringkak. Angka-angkana leungit. Diganti ku tulisan, isuk, beurang, soré, peuting. Awak tambah ngagibrig. Rék lumpat, lumpat ka mana. Najan ka satangkarak jagat, mo peura éta sora. Ka satungkebing langit, mo leungit eta jerit.
"Emaaa! Bapaaa!"

Wal asri innal insaana lapii husrin. Sora tarhim dina tungtung janari ngoyagkeun ciibun nu nyalangkrung dina daun.

NEBIS IN IDEM

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 08:00:44

Sudar, urut klién Cahaya Suminar, datang deui ka kantorna, mawa surat panggilan sidang jeung surat dakwaan keur manéhna. Sidang rék dilaksanakeun poé Kemis. Cahaya ngailo surat dakwaan.
“Ieu mah perkara nu baheula atuh.”
“Junéd teu puas, abdi mung dihukum percobaan. Ngunek-ngunek,” béja Sudar.
“Naha atuh teu ka dieu waktu masih disidik?” Cahaya nganaha-naha. Sudar ngabetem, puguhan teu ngarti. Sudar méré kuasa ka Cahaya keur ngajéjéran manéhna di pasidangan poé Kemis. Salian nyiapkeun surat kuasa, Cahaya nyiapkeun nota éksépsi.
Jaksa ngabacakeun surat dakwaan, cenah Sudar ngalakukeun tindak pidana nu diatur ku pasal 310 KUHP. Kronologina jiga surat dakwaan sataun ka tukang. Sanggeus bérés, majelis hakim méré kasempetan Cahaya ngabacakeun nota éksépsi, yén perkara anu ayeuna tumiba ka Sudar, geus pernah disidik, disidang, jeung divonis sataun ka tukang. Nebis is idem, asas nu nyebutkeun yén perkara nu sarua teu bisa diadili keur kaduakalina. Putusan sela, saminggu deui.

BARUANG NU JADI MAMALA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 07:58:20

Akal koja Kurawa mingkin sampurna, ati werejitna mingkin dalit, dibarengan ku rasa sirik nu teu ledis-ledis, ngaguyur dina pangoloan nu mawur lebah catur, ungkara basana nu pinuh ku pura-pura, kateureuy ku manah putra kadua Déwi Kunti Nalibrata.

Bada kokojayan, Bima disuguhan ku rupa-rupa katuangan nu dibungbuan ku baruang nu kacida matihna, Brataséna nu mentas capé kokojayan, ningal katuangan nu sakitu ngaleuyana, lajeng dituang bari tebih tina rasa curiga.

Sagagah-gagahna terah Batara, Brataséna teu mangga pulia ngalawan baruang nu kacida matihna, baruang nu ngabudal-badil peujitna, sapada harita lalaki nu dipikasieun ku Suyudana, brek deku, tuur nyorodcod, raga lir diluluh, blug rubuh nyium babantar walungan Gangga.

MELAK BIBINIHAN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 07:43:00

Cireumis tingburilak kasorot matapoé nu meleték beulah wétan. Cahayana haneut, nyaangan ka sakabéh nu ngampar satungkebing jagat.
"Udiii...!"
Udi ngulisik. Nyah panonna beunta, keukeureuceuman. Luak-lieuk, taya sasaha.
"Ema...!"
Ras ka emana nu nitah dagoan. Tapi nepi ka kiwari teu aya datang. Palangsiang ema meunang bahla. Gerentesna. Rék lunta néangan, bisi emana datang manéhna suwung. Haténa sumoréang.
Ras kana impianna peuting tadi. Ngimpi ngarungkup panon poé. Rét, sakurilingna lamping bulistir. Lemah boléklak. Taringgul, leuweung tinggal tunggulna. "Sibeungeut tuh, ku cireumis! Seger geura!"
Cikikik nyeungseurikeun.
"Héy? Saha manéh? Tong nyumput wani mah!"
Geleber, nyampeurkeun. Manuk piit.
"Uing katalatahan ku ema manéh!"
Clé dina batu.
"Ema..., di mana ema? Naon cenah ceuk ema?"
Beungeutna nampeu ka piit.
"Ema keur meunang kasusah, dikakaya tukang sihir. Cenah bisa bébas mun Udi bisa ngabolaykeun sihirna...."
"Kumaha carana?"
"Unggal isuk kudu melak bibinihan, binih nu bisa jadi di lahan garing, leutak, cai, laut, jeung gunung...."

(39) JANG ODIN & DALINGDING ASIH

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 07:15:30

Wanci tumorék. Lembur simpé. Odin ngalungsar di émpér masigit. Nyarandé kana tihangna. Lalungsé. Tas kémping ti gunung Halimun. Rus-ras. Ka Halimah. Nu cenah geus dijodokeun. Ras ka Si Colat nu taya béja-béjana. Odin rumahuh. Miceun bangbaluh. “Kang Gilaaang! Teu ngajak-ngajak iiih!” Odin ngalieuk. Bréh. Putri Nurmaya. Ucang-ucang dina palem. Baketut.

Odin imut. Rumasa. Miang kémping sasat nyumputan Nurmaya. Odin nyampeurkeun. Gék dina bangku. Handapeun palem. “Néng Putri mah cuang ameng ka situ Mustika wé, nya?” Odin nyombo. “Nyaan? Asééék!” Putri Nurmaya émprak. Gegeleberan. Lunggak-linggek. Pameunteuna reup-bray. Kawas cicika. Treup. Gigireun Odin. “Halimah moal nyeuseulan?” Nurmaya nanya bari neuteup. Seukeut.

Odin ngahuleng. Halimah. Boa ingeteun. Boa henteu. Odin rumahuh. Gigideug. Nyieuh-nyieuhkeun kapeurih. “Hiburan, Néééng!” pokna. Tuluy nabeuh karinding. Ngabangbalérkeun karungsing. Nurmaya surti. Ngibing. Mébér-mébérkeun jangjangna. Ngulinkeun karémbong katumbirina. Kumalayang. Ngawur-ngawur keprul cahaya. Bruh-bréh. Buruan jadi taman nu marakbak. Peuting dumalingding. Tapi bulan kalah rengat. Di langit jeung ‘na haténa. Odin.

KATILU JEUNG NU BOGA TAROMPÉT

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 02:37:07

Pareng datang mangsana. Di satangkaraking bumi. Suka bungah. Ngahaja diluluguan. Yutaan tarompét disadakeun patémbalan. Tééét!! Prééét! Tééét! Tooot! Malah aya tarompét siga sora ajag. Cuculaungan. Awor jeung tingbeledag, tingbarasatna kembang api ngajomantara. Ngarawélan méga. Béntang di langit ukur kéom. Aya nu nyérangkeun tiluan di méga malang. Gogodeg. Nu duaan pakepuk nyekel catetanana. Bari rut-rét. Mangsi hideung jeung beureum siap dikotrétkeun. Nu saurang mah rada anggang. Tapi teu jauh tina tarompétna. Ukur diadekeun kana biwirna. Bangun gereget hayang geura niup. Laju ngagajleng ngadeukeutan ka nu duaan. Atuh tingrarénjag. “Naha rék ditiup ayeuna kitu, éta tarompét téh?” cék nu duaan. Hariweusweus. Méh bareng. Nu nyekel tarompét ukur mesem. Jep. Silih pelong. Teu kungsi lila. Hawar-hawar kapireng sora tarhim. Leslesan. Diteureuy sora kembang api. Tiluanana pada uluk salam. Tingkereles.

MEUNANG BERLIAN

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 01:18:24

Rayud sirah. Hutang poéan kalimaan, mingguan sakali angsuran, anu taunan dua. usaha nyambi beurang peuting teu nyumponan kana pokok. Rajeun mayar isukna heunteu, minggu jeung taunan elat.
"Aing mah hayang nonjok ka si wewelek danten!" Aki Urpi umur séngsérang padung hanjelu.
"Kunaon Ki?" Jelema tembus deuleu mesem.
"Kaduhung ngagugu si Atah adol, sugan téh enya" Awak péotna geus méré tanggara.
"Ki, hayang lunas hutang" mesemna teu lengit.
Tibuburanjat teu cara nyicilna , aki Urpi alewoh.
"Tuh, di Bank Rohman Rohimna Alloh SWT, gancang meungpeung aya waktu!" les, ngiles ninggalkeun mesemna dina poé munggaran awal taun.

SUBUH DI PANDANARAN

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 01:11:35

Harita, pasini ukur na surat. Walonan sok papalimpang di jalan baning ku teu sabar. Mangsa nu éndah, teu aya papadana. Trésna meulit sanggeus silih suratan, manéhna mikaresep tulisan kuring dina majalah, can aya media séjén. Lila-lila sosobatan jadi dalit. Tukang Pos comblangna. Hanjakal manéhna kuliah kénéh. Antukna pegat. Tempat nu anggang antara Bandung-Semarang teu kadongkang. Peuting tadi, haté kumalayang ka manéhna. Lantaran kudu dines ka Semarang.
“Papagkeun di Pandanaran” Ngahaja nga-sms. Ngingetan tempat nu baheula, basa mimiti panggih. Kiwari kapaluruh deui dina pésbuk.
Baheula, di agén bis malam manéhna nungguan.
“Adik dari Bandung?” Cenah. Angin subuh ngahiliwir noélan tungtung haté. Awakna nu jangkung-harelung, nutupan awak nu diboncéng tukangeunana. Bangun reueus waktu manéhna mawa jalan-jalan ka kampusna.
Tadi subuh, trével nganteurkeun ka Pandanaran, lebah dinya. Kasampak. Dedegan harelung-jangkung, nangtung gigireun Avansa. Imut ti kajauhan persis dina potrétna.
Taya sasaha deui ti baheula gé, na haté iwal ti manéhna.

HIBER DINA HIBAR TAUN ANYAR

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 00:30:57

Tuh itu. Langit salira téh. Langit nu béngras. Caang nyaingan béntang. Cing burinyay. Pating jelegér. Ngahiap poé anyar. Ngabagéakeun dina syukur anu teuing kamana.

Tah ieu. Langit kuring mah. Ceudeum cakueum. Berat ku bangbaluh. Ngawang ukur nyawang. Kahayang ukur kalangkang.

Pésta tambah rongkah. Katumbiri hibar dilangit poék. Lalaunan ngawujud hiji rupa. Sidik malédog imut. Gugupay. "Hampura Ujang, teu nurut panyaram Ema..."

Gebeg. Kagarewahkeun. Jangjang ngadadak tanagaan. Ngalayang muru karaméan. Néang lalakon budak. Nu tiwas kapétélan kembang api. Taun kamari.

KP-LVII : TEUING

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2014 00:17:35

Dua alumni santri ti kobong Cép Duloh nu geus jadi advokat jeung birokrat, ngadareuheus. Minangsaraya ngungkulan pacogrégan.
“Kuring aya di pihak nu bener Ama, nepi ka iraha baé gé rék tetep nungtut!”
“Rumaos Ama abdi lepat, tapi naha leres nu lepat kedah nampi sadaya paneumbleuhan?”
“Teuing!” ceuk Cép Duloh pondok.
“Naha?” méh bareng.
“Sagalana bangkar mun maké teuing! Apan geus dibéjaan ti baheula. Ulah wani teuing najan bener. Jeung ulah sieun teuing mun pareng salah!”
“Yaktos! Saterasna Mama?”
“Teuing!”
“Teuing kumaha?”
“Teuing aya kénéh insan kamil salian Jungjunan urang?”
“Teuing. ‘No body perfect’ Ama!”
“Tah geuning! Kalapa kaluar tina cungap! Na atuh maranéh bet teungteuingeun teuing? Mun maranéh hayang mulang salamet, anggur téangan kasapukan nu leuwih éndah batan nu kungsi diucapkeun jeung nu leuwih jero batan nu kungsi diisyaratkeun!”