Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Désémber 2013 (32 Naskah)


PILEULEUYAN

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 23:52:06

Wanci kasorénakeun. Langit angkeub. Boh kolot, boh barudak ngora. Geus tatan-tatan jeung ijigimbrang, kaluar ti imahna séwang-sewangan. Aya nu ka kidulkeun. Aya nu ka kulonkeun.Teu saeutik nu ka wetankeun. Komo ka kalérkeun mah, katingali cakah-cikihna téh.
Béda ti sasari. Maju ka peutingnakeun, lain beuki simpé. Ngadon tambah ramé. Gandéng ku sora tarompét, nu ditiup ku unggal jalma. Di jalan, macét ku motor jeung mobil. Paheula-heula hayang geura nepi, ka tempat nu dituju.
"Na Aya naon ieu téh?" Cék saurang Budak ngora, nu ngaliwat. Nanya ka Japra, nu anteng di sisi jalan. "Jiiih, ari sia teu gaul! Ayeuna téh, poé pamungkas, di taun dua réwu tilulas!" Témbal Japra gogodeg. Si Budak ngora, nyel ambek. "Nu bener wé atuh euy, ari ngajawab téh!" Molototan. "Horrr! Naha bét ambek ka déwék. Sia mah kampungan!" Japra nyakakak seuri. "Pileuleuyan Anjing!" Cék Si budak ngora. Ngaléos indit, bari ngalungkeun hiji bom, ka hareupeun Japra.

NU TIWAS PEUTING HARITA

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 22:03:25

"Hayu, lain rék konpoy?"
"Hayu, mana Si Dodi jeung Si Iméng?"
"Geus stembay di hareup jeung Si Ina."
Gerung-gerung! Édo jeng Otoy ngagas motor. Nyampeurkeun nu tiluan. Tingsaréak. Lumpat pasiap-siap. Nepi ka jalan protokol. Mandeg. Laju saeutik-saeutik. Beuki peuting mingkin pajejel. Nu opatan papisahan.
Sora tarompét récét awor jeng tingbeledagna kembang api. cacap nepi ka janari.
Pabeubeurang. Si Iméng kokoloyongan. Gok panggih jeung Si Dodi nu huleng jentul.
"Naon euy kalah ngalamun?"
"Nyéta Méng, mikiran motor leungit,"
"Halah, moal sabaraha. Tuh Si Édo mah komo kaleungitan nyawa. Béjana peuting nginum arak oplosan cenah,"
Keur uplek ngobrol. Béh kalér loba jalma ngagaredig. Ngagotong layon.
"Mayit saha Mang...!"
"Si Ina, peuting aya nu merkosa ku tujuhan. Tuluy dirogahala!"
"Montong kabur siah! Si Ina Peuting sia nu mawa!"**

EMA, UING EMBUNG....

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 21:56:40

"Ma, hayang kembang api!"
Udi, ngagugunyeng leungeun emana.
"Ké, ema balik gawé cuang meuli.... Ayeuna jig ulin heula!"
Beretek lumpat. Nyampeurkeun baturna.
Ampir magrib. Udi ngalangeu di buruan. Ngadadago emana datang.
Dur isa, Babaturanna nyalampeur.
"Di, rék miluan ngaliwet. Tapi udunan béasna...."
Léos ka dapur.
"Aya euy, saeutik. Baé béas dolog?"
Ngasongkeun kérésék.
"Keun wé, sarua béas...."
Peuting nu mongkléng. Bulan nyumput tukangeun méga hideung.
Udi balik ka imah, mawa bungkusan liwet keur emana.
"Ema..., ieu uing mawa liwet karesep Ema...."
Jempling.
"Ema...!"
Simpé.
"Ema..., Ema uing geus teu hayang kembang api...."
Sora tarompét tingtérétét, tingtorotot teu puguh dédéngéan. Di luhur tingburicak cahaya kembang api, nembus langit peteng.
"Emaaa! Uing embung taun baru!"
Durugdug. Lumpat sakalumpat-lampét. Mangprung siga kilat. Teu nolih kacapé. Eureun-eureun sotéh titajong. Galéong, awakna kawas kolécér ngapung. Gubrag. Awakna pas ngarungkup panon poé.

LUNTA

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 21:14:15

Asa gegebegan, haté teu weléh sumoréang, sumeblak rasa teu puguh rasakeuneuna. Diuk dina beus nu nyemprung teu eureun, miang ti lembur niat nyiar kipayah keur kahuripan kulawarga dijajap gupay kamelang Eulis. Sajajalan teu weléh kaimpleng paroman Eulis nu ngaheruk, cipanon ngagaréndang dina kongkolak, ampir bedah sanajan ditahan-tahan.
“Kang, Eulis alim dikantun…” pokna
“Wayahna Eulis, Kang miang kanggo Eulis, kanggo ngahuripan hirup urang nu masih konéas” cekéng
“Kang…….” sorana teu kebat kaburu aya nu nyelek dina genggerong
Gebeg, kagareuwahkeun ku kondéktur nu nagih ongkos.
Kudak kodok kana saku, gorehél duit pamahanan Eulis, song dibikeun ka kondéktur.
Diterminal turun, gura giru muru alamat nu aya dina Koran.
Sup ka hiji rohangan, lenyap, haté aya bungah aya reuwas, nu disanghareupan tétéla Neng Nani, babaturan sakola baheula.
Ngobrol ngalir ngidul, kuring ditampa jadi pagawé di éta kantor, bari dibéré fasilitas lumayan.
Alhamdulillah Eulis, du’a Eulis diijabah Kunu Maha Kawasa…
-------------------------

NYINTRÉN

Kénging Nining Rosita
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 21:12:30

Bulan purnama cahya sempurna. Padang wulan tanggal patbelasé.
Sulasih ngabangingik nangis, inget maring pujaan atiné, Sulandono.
Hubungan cintané sing beli disetujuni Ki Bahurékso, wongtua lanang Sulandono, ngakibatna Sulasih kudu kepisah adoh, milih dalan séwang-séwangan.

Cahaya bulan terus mencorong, Sulasih terus jojogédan kaya wong kesurupan.
Ning implengané Sulandono mature ragané, loroan suka bungah bebarengan. Matané merem tapi cangkemé ngidungaken lagu lara atiné…
“Kembang jahé laos olih tuku larang-larang…
Larang-larang sepirané, asal rujuk wongtuané…”

Mireungeuh kédadéan niku, Déwi Rantamsari Ingkang Ibu Sulandono beli téga. Ngeliwati kekuatan bathiné, Déwi Rantamsari ngundang sukmané Sulandono sing lagi tapa brata.
“Turun…turun Sintrén…Sintréné widadari…nemu kembang yun ayunan…
Kembangé Putri Mahénda…Lamun dadi temuruna…Manjing karo sing dadi…”
Sekejap nétra Sulandono ngajanggélék ning arepan Sulasih, langsung ngiwat sukmané ngapak mega ngawang-ngawang… bebarengan, nyacapkeun kadeudeuh, ngedalkeun kaheman.

“Bral…Anaking…sukan-sukan ning implengan, mun ning alam nyata ora bisa bebarengan…”

TUNGTUNG TAUN

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 20:56:25

Asa aya nu leungit. Dilieuk ka tukang, kana mangratus poé nu béda-béda wujudna. Siga sampalan nu manjang. Warnana ukur kalangkang nu ngembat ti wétan nepi ka tempat surupna srangéngé.
"Lain nambahan, Jang. Detik ka detik, hakékatna mah ngurangan. Beuki deukeut kana timbangan."
Lieuk deui. Keukeuh euweuh. Siga sisieun basisir, teuteup téh teu manggih tungtungna. Kadang sok hadir kakeueung nu béda rasana. Kadang sok ludeung, najan ukur samangsa tina pirang-pirang rénghapan nu aya.
"Pami abdi teras ngulon. Naha bakal kapendak cukang kanggo meuntasna, Pangersa?" Nu ditanya nunjuk langit. Lain ukur ku curuk, tapi ku dada sagemblengna.
"Mun hidep geus nepi ka ditu méméh raga papisah jeung nyawa, tangtu éta jalan bakal kapanggih." Unggeuk. Tuluy ngitung léngkah. Mundur deui kana angka pangwawuhna.
"Hiji. Tina hiji jadi loba. Tungtungna jadi hiji deui."

KORBAN OPLOSAN

Kénging Edi Junaedi
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 20:41:35

Ti wanci saméméh maghrib kénéh barudak geus réang nariup tarompét. Nyambut taun baru pajar téh. Matak rangéng teu puguh dédéngéan. Nyadek ka peuting beuki harénghéng ku nu nyareungeut kembang api...dor dar di jomantara. Di hiji warung wédang (warung nu sok nyadiakeun inuman arak keur nu marabok, istilah wewengkon Pantura), ngagarimbung sabubuhan nonoman...ngariung baskom. Cangkang suuk, botol anggur, TM, minuman energi, jeung bungkus obat nyamuk olés patulayah. Rentang-rentang aya nu datang, dicalana loréng, ka luhurna kaos oblong...anggota kesatuan jigana. "Lagi pada apa sira?" ceuk manéhna. "Biasa Pa, taun baruan." jawab salah-saurang nonoman. "Méné gah réang jaluk," pokna. Srong...dibéré sagelas. Beuki peuting, nu ngarinum beuki maceuh...ting ceuleuweung. Kasubuhnakeun...gujrud...jalma-jalma rabul ngadeugdeug éta warung. Sapuluh jalma ngajadi bugang, sungutna ngabudah....

KP-LVIII: NU KUDU SALAWASNA HADIR

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 20:35:45

“Sampurasun!” tiluan kur ngucapkeun salam
“Rampééés!” giak dijawab. Ngabagéakeun nu datang.
“Nepangkeun wasta abdi Niniy nu sok digalindengkeun saméméh salira medar lalakon.”
“Abdi pun Sar’at nu sok ku salira dihadirkeun saméméh sagalana lumangsung.”
“Teu hilap abdi pun Eruk nu sok dipiwarang teras nyarengan mangsa salira ngalaksanakeun ritual, sangkan sah mungguh papagon.”
“Sumuhun nyakséni! Teras salajengna kumaha? Apanan saban taun gé teu kudu dikemat? Anjeun harideng daratang sorangan.” bari neuteup pinuh pananya.
“Leres pisan. Mung warsih ieu mah benten.”
“Bénten kumaha?”
“Mangga baé tataan heula lebetan manah salira!” Tuluy nu tiluan ngarusap birit. Ngahiang bareng jeung patingbelegurna kembang api di lalangit haté nu mongkléng.

TAGIWUR

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 20:24:01

Térétét...Térétét...Térétét...Préééét. Sora tarompét réang patémbalan. Motor mobil pasuliwer. Macét. Nangkod na tonggongna, motor asa teu laju, ngarayap. Mapay-mapay tirisna peuting. Hujan pras-pris maseuhan buuk teu dirasa. Haté kebek ku kabungah rék malem taun baruan.
Anjog ka Dago, mucicid. Sakitu dijékét ditambahan ku syal angger tiris. Turun tina motor buuk kulimis, disisiran ku réma anjeun. Treup panon pateuteup, jantung eundeur. Luk tungkul, “Tiris Lis? Cuang jajan beuleum jagong sareng cikopi yu... Méh teu ngahodhod?” Némbalan ku unggek.
Diuk pagégéyé, nambulan beuleum jagong diselang ku nyuruput cikopi bari nyérangkeun kota Bandung dihandapeun, duh dunya asa nu duaan. Pas jam dualas kembang api gumebyar murub mubyar siga rék meuleum langit. Èndah. “Tingal Lis kembang apina siga météor?” Haréwos anjeun bari nyawél gado. Ukur ngawalon ku tanggah neuteup langit.
Betah aya sagédéngeun anjeun. Bagja. Ngan haté bingung. Karémpan nyasaak dada. Kacipta sorot soca Apa nu nganaha-naha, ulin téh bet kamalinaan.

TATAPAKAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 20:16:00

“Haling nyingkah! Ngaing hayang nyeueung layung panungtung.” Téténjrag.
Méga geuneuk, birat. Panon meleng surupna panonpoé nengah dada diwatesing bungking, dikemben layung. Laju tilem, dilegleg gurat sagara. Kari hibar layung ngungun. Létah budah lambak, ngalétak tatapakanna dina kikisik. Ti jero sagara pating ronghéap Dewa Ruci jeung Poséidon, silih kaléng nariup tarompét. Ngalaleguk Jack Daniels. Manyanyi ‘Stairways to Héaven’. Ngacapruk. Pureleng. Déwa nu dua ngalalémés wéra.
Kiceupna marengan peuting nu nuruban langit. Hégakna parat ngaharéwosan Jagat. “Naon bédana?” cenah, sumegruk. Wanci nu kasungsi, mangsa nu kasorang. Sarua waé. Langit nu kamari, naon bédana jeung nu ayeuna jeung nu engké. Pon kitu deui medalna srangéngé, tilemna panonpoé, hibarna layung, geuneukna mega. Ngan saukur gogodeg. Rut-rét, cruk-crek. Nempo aleutan jelema-jelema nu kahujanan, ayeuh-ayeuhan ngabandaleut maruru Lawang Waktu. Blas-blus. Aya nu pating karocéak tigebrus kana pitapak haliah dunya. Kajiret dodoja.
“Éta meureunan nu ngabédakeun mah.” Pokna ngusapan dada.

SI JANGGOT NGAMBAY

Kénging Lucky Bachtiar
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 20:11:10

Ditanya umur mah teuing sabaraha ratus taun kuring téh, da ieu wé janggot geus rambay nepi kana taneuh. Tara incah balilahan. Titis tulis ti ajalina kuring mah ukur bisa ngajegir lir munara. Srangéngé, angin, cai, jeung taneuh nu salawasna nedunan pangabutuh. Arinyana nu haát ngarumat diri kuring. Tampolana manusa sakapeung mah aya nu deleka.

Sababaraha ratus taun ka tukang kungsi kuring ampir ajal. Gara-gara anak raja nu hayang nyieun istal ngalindih tempat kuring ngajega. Ngan untung bolay ku sabab inyana kaburu perlaya katandasa ku Walanda. Perang rongkah nepika karaton burak bubar patulayah. Ancur lebur sakabéhna ngan nyésakeun ruruntuk wungkul. Kuring mah salamet.

Kiwari kuring milu nyaksi obahna jaman. Jalma-jalma laluasa datang ka ieu patempatan. Samalah nepika kirik ngincid pikeun kiih palebah korsi sang prabu baheula merenah. Teuing nepika iraha kuring hirup. Dilakonan wé sok sanajan kaayaan geus teu éndah siga bihari.

TIBELAT

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 19:13:53

“Asah péso..., gunting...! Asah péso, Bu!” Cumeluk. Hareupeun imah. Teu eureun-eureun.
“Mboten, taseh landep! Mbenjang mawon!” Rada nyeuneu. Cumeluk deui. Maksa! Éléh déét. Bray. Lalaki tengah tuwuh.
“Ngapunten njih, kulo ganggu panjenengan.” Nampanan péso. Leungeunna lilinieun. Karijut dileleg mangsa. Teu hayang némbalan. Kuraweud hangseur.

Jangar-jangar gé, maksakeun indit. Meuli rénda jeung kancing. Kaputeun kudu anggeus engké soré.
Motor nyemprung. Pasarandog jeung Beus Pariwisata. Mengpeng. Siet. Mobil bok katering, nyiap. Cekit. Galéong. Gubrag! Motor neunggar tangkal juar. Mongkléng.

Nyay. Barasat. Rét. Sakuriling bungking rembet kakayon. Ngalempréh ‘na batu lémpar. Awak asa pasiksak. Teu bisa obah.
“Sukur geus éling. Tadina mah moal dikencarkeun. Ngan aya nu meredih melas-melis, haat tibelat. Du’ana nurih langit. Kami kasoran. Jung geura balik, bisi deudeupeun!” Si Jangkung nyoara. Salirana meleber seungit.

Nyah. Rohangan sarwa bodas. Caméot, di juru. Aki-aki rangkebong. Ngemitan. Husu, norolangkeun kalimah thoyyibah. Saliwat, siga waruga teu boga pangaji. Ras ka diri.

HÉSÉ POHO

Kénging Evikustini
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 18:43:54

"Awas lupa arangnya Pah!" Bu Aska tatangga ngagorowok ka salakina.
"Ia Ma.." jawab Pak Aska, biurr motorna indit ngaboncéng dua anakna.
Dina jandéla Zidan 9 Taun jeung Zahra 6 Taun, jimat kuring nyorang nu lalar liwat barungah rék mapag tungtung Taun 2013.
Aya nu ngajingjing jagong, lauk emas, hayam beuleumen komo deui tarompét.

Mun seg bisa, embung kacida panggih jeung ahir taun, sagala rasa pagalo komo ningali dua budak, matak nyeri liwat saking, nu lian garumbira, balakécrakan mapag Taun anyar, sakulawarga keur kuring panginget katunggara.
Ningali jagong, lauk emas, tarompét makin nyuat gondawangna kanyeri tilu haté mun ras inget tungtung Taun 2010.
Di Jln Raya Parung, Kang Yudi bapana barudak nangkub na aspal, babawaanna patulayah jagong, tarompét, lauk emas, robah pulas jadi beureum ku getih Kang Yudi nu ngabigeu tilar dunya, motorna tabrakan jeung Angkot jurusan Bogor-Parung.

TAUN BARU

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 16:49:16

Cetrek! Speker masigit hurung. "Selamat hari natal dan tahun baru! Para wargi, tos manjing waktos magrib. Allohu Akbar! Allohu Akbar!" Nu adan can tamat. Di tipi aya acara pangleler tokoh plurarisme.

PRO BUJUR

Kénging Syam Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 14:48:01

Dampak élnino. Cuaca Jakarta ékstrim. Mineus lima darajat sélsieus. Balukarna situ Pluit jeung Ria Rio ngagibleg. Tilangit muruhpuy salju. Nyéor neumbragan kaca pencakar langit. Pluk kana lemah, ngalimpudan jalan Sudirman Thamrin nu suwung ku kandaraan. Jigrah jigrah rombongan biruang kutub ngabandaleut kakidulkeun . Panonna rut-rét nyidikeun jalma-jalma anu keur carimunuk dina trotoar diharudum sarung. Nyaneut. Lebah Bunderan HI aseup mulek lir pepedut. Aya nu ngadu bako masal didinya. Tukang bajigur gé kabawa maréma, antrianna ngoray, blég antrian penumpang baswéy anyaran aya. Siet reg. Rombongan nu maraké ice skating kacandet ku lampu mérah. Panghareupna baju kotak kotak, rob diréntob, pada ngasongan mik. “Setelah Jakarta seperti ini, apakah proyék giant sea wall tetap dilanjutkan Pa?” Tanya salasaurang nu mikna béda tinu séjén. Gedé ,tungtungna riwig. “Ya nda lah, pastinya akan diganti dengan program lain!”Jawabna. “Program apa Pa?”Tanyana deui. “Pro Bujur. Program Seribu Kios Bajigur. Cukup yah!” Léos ngabiur ka balékotakeun.

BUNTUT LALAKON

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 13:54:19

Cacapna carita. Dina hiji pedaran lakon sandiwara. Dipungkas ku adegan tokoh protagonis, ditincak sirahna, ku tokoh antagonis. Tablo! Nu lalajo émprak. Surak. Bareng jeung sorot cahaya lampu panggung pareum. Sérélék! Layar, nutup.
Wanci. Usad-ised, nyedek ka tengah peuting. Hawa, nyecep. Patalimarga, mimiti coréngcang. Dua urang pamaén sandiwara, nyarimpang ka tukang kuéh balok. Nu sasari, lebah simpang lima. Kuéh balok, dianclomkeun kana cikopi panas. Cacamuilan. Suruput, “Hampura! Urang, nincak sirah manéh! Heueuh…! Kumaha atuh, da peran!” Teuing geus sabara ratus kali. Pok deui-pok deui. “Ceuk aing gé menggeus! Goblog!” Sagelas cikopi anyar ninyuh, diséblokkeun kana beungeut.***

CITA-CITA

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 13:53:08

Buruan sakola geus sepi. Murid-murid arasup kelas. Nyésakeun pabalatakna sarah. Plastik ciki-ciki, kotak burger, stéréofoam urut fastfood, kaléng minuman, botol air mineral jeung sajabana. Ěha ngiclik mulungan, kalan-kalan nagog meresihan sarah tina keusik nu napel.
Di kelas 4C lumangsung palajaran ngarang. Réang barudak nanggap baturna nu keur maca hasil karanganna. Warna-warni
Réngsé giliran sakabéh murid. Bu Intan ngarangkum karya barudak ku wejangan. “Karangan ngalatih urang bisa ngabébérkeun naon nu karasa, nu kaalaman! Malahan nu direncanakeun!” Barudak arunggeuk. Teuing ngarti atawa bingung. “Lamun urang boga kahayang atawa cita-cita, bisa ditulis direncanakeun naon-naon baé léngkah urang pikeun ngawujudkeun eta kahayang!” Bu Intan neruskeun.
“Bu abdi hoyong jaten Pilot!” Mike nyelengkeung.
“Abdi hoyong janten Astronot” Frans pipilueun.
”Hébat!” Bu Intan ngajempolan. Ahirna sakabéh murid hiji-hiji nyarebutkeun cita-citana masing-masing. Bu Intan reueus. Sugema.
Di luar, sabalik jandéla aya nu anteng merhatikeun barudak. “ Abdi mah hoyong tiasa sakola!” Ngagerendeng halon.

NAWAR PANGIMPIAN

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 13:45:41

Duka kumaha mimitina. Cai ujug-ujug lébléban. Pasang. Titincakan kakeueum. Kalakay tingkoléab. Srod. Ngangsrodkeun sarung. Kukucuprakan. Mapay-mapay jalan pangbalikkan. Deuleu éta lauk. Haranjat tina balungbang. Tingkucibek. Lalindeuk. Gep néwak nu pangbadagna. Kumaha mawana? Mangkaning ukur disasarung. Udar waé sarungna kitu. Keur ngawadahan lauk. Hemeng. Asa nyata di kieuna. Asa dina pangimpian. Mun ngimpi, hudang entong? Rék hudang lebar ku laukna. Galituk. Kari néwakkan. Ari teu hudang, bisi kaburu manggih oray. Palias panggih jeung sué. Mending geuwat hudang. Dina ngimpina gé sugan kila-kila baris meunang milik gedé.

NITIPKEUN

Kénging Daniel Rans
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 13:43:53

Geus Asa lain jeung dengen. Duanana geus ngaranggap lanceuk. Kasdi, sobat gawé. Pon kitu deui Nina, pamajikanana. Wawuh timangkukna. Saméméh maranéhna papacangan. Nepi ka silih kedalkeun jangji. Jatuk rabi. Ngarumah tangga.
"Bang Kasdi, ngantunkeun Bang...! Nina jeung saha?" Gabrug, Ngarangkul. Nina nyangsaya dina dada. Nalangsa. Ngalengis. Nginghak. Watir.
"Sing sabar, Na! Geus titis tulisna Kasdi. Urang mah manusa, teu bisa kukumaha. Ikhlaskeun! Nina Sing Kuat, nya!" Kuring ngupahan. Ngusapan Nina. Karasa kapeurih ngageurih ati. Sedih. Citangis nyalangkrung. Bedah. Ngamalirkeun rasa hanjelu.
Di basisir Kuta Bali. Harita caah ku cimata. Nina wakca kudu ninggalkeun kuring. Milih Kasdi keur jadi panyalindunganana. Batur hirupna. Nu bakal jadi imamna.
"Abang, Nina ulah disasaha, nya! Najan Nina ayeuna geus jadi milik Bang Kasdi!" Ceuk Nina. Pileuleuyan.
Kiwari Kasdi nu keur di luhur méga. Sugan méré amanat keur kuring "Bang Dan! Nitip Nina, nya!".
Sakumaha baheula kuring méré amanat ka Kasdi "Nitip Nina. Nya, Kas!" Haruh.

TAUN BARU

Kénging Dang Q
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 13:30:40

Si Jalu cingogo di lawang panto. Guligah. Ngalimba. Tuurna noroktok. “Taun kamari ogé munel!” Mang Somad nyarita ka Ma Odah daria. “Heueuh. Tapi si Jalu geus kolot. Karunya. Meujeuhna pangsiun.” walon Ma Odah bari nyurulungkeun minyak keletik kana katél.“Si Jalu Jagjag! Nyaho naon manéh? Aing nu ngurusna ti leuleutik!” Mang Somad jol ambek. “Sok ngaleuleungit. Apan modalna morosotkeun kongkorong warisan Ema.” Ma Odah nepakan beuheung. Mang Somad ngahégak. “kumaha lamun harita teu dimodalan?” Ma Odah beuki wani. Mang Somad panonna muncereng. Sérepét. Kaprot nampiling Ma Odah. Goak. Nyampoyong. Jedak sirahna ngabadug sisi katél. Plok. Minyak keletik panas tamplok kana beungeutna. Mang Somad kasima. Séak lumpat. Lebah panto. Nyampak si Jalu geus ngabedega. Gajleng. Gabres beuteung Mang Somad ditiir tanduk si Jalu. Peutingna. Malem taun baru. Stasiun tipi lokal boh nasional geunjleung. Nyiarkeun kajadian ahéng. Si Jalu, domba munggaran deldom Taman Raflésia. Kukurilingan. Ngurilingan taman bari niir Mang Somad dina tandukna.

CIIBUN

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 13:22:27

Januari wanci janari leutik. Mancawura mercon ngahias langit kiduleun Bandung. aya rasa sumarambah.
"Mah, abdi mésér kanggo engkin wengi!" Andy, jigrah nembongkeun Tarompét.
"Ih, meni saé" deudeuh jeung kanyaah miheulaan ucap.
Kiwari. Cipanon ngembeng minuhan kongkolak panon ngéclak ngaremis ciibun. Sataun kaliwat Tarompét ngajadi saksi. Andy tepung taun kuduna nambah umur.

DOKTER POHOAN

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 12:39:36

Dua sobat lawas. Reuni tungtung taun. dr. Po Hoan jeung drg. Lim Peur. 'Lunch' di hiji réstoran.
"Masih pohoan kénéh, Po?" drg. Lim nanya.
"Henteu, sugan...!"
Jol wanoja lenjang. Ngora kénéh.
"Dokter Lim? Selamat siang..!" ceuk Si wanoja bari ngabelenyéh imut. Waosna ngabérés lir mutiara.
"Makan siang Néng Inna?" walon drg. Lim. Inna unggeuk.
"Tuh...daya ingat saya mah mantap kénéh pan? Cukup nempo seurina, pasti inget!" drg. Lim agul.
Teu lila sup ibu-ibu tengah tuwuh. Geulis. Dierok terusan. Rengkuh nanya ka dr. Po.
"Met siang dok! Sedang makan siang?"
"Emh.., punten. Ibu téh saha téa nya?" dr. Po kerung. Nginget-nginget.
"Ih dokter mah, pan abdi pasén dua minggu kapengker. Nu dikirét téa," dr. Po angger pohoeun.
"Huh! Pohoan téh kabina-bina énté mah," drg. Lim nimbrung, bari nyampeurkeun ka Si Ibu. Gegerendengan. Teu disangka-sangka, Si Ibu ujug-ujug nyingsatkeun erokna.
"Oh..., Ibu Tuti nya?" kakara inget.***

BOBOGOHAN

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 10:36:24

Geus lila, lisung cicing di juru. Teu dipake. Ma'lum dipakena ukur ti puasa ka puasa. Kitu oge mun geus deukeut ka lebaran.

Asa nyaah. Asa karunya.
Emh lisung, da maneh oge sarua barang uing. Beu ka dieu!

Regeyeng lisung dipangku ku kuring, diais ku karembong, ditatap, diusap, didama-dama, dibabawa mapay jalan, bari ngawih ayun ambing. Geus nepi ka sisi jembatan, lisung diturunkeun, sina diuk dina tembok jembatan. Gek kuring diuk gigireunnana.

Aya ku Endah ieu pamandangan.

"Sung, asa kagagas pangalaman keur leutik...." Torolong kuring ngadongengkeun pangalaman keur leutik.

Lisung cicing, ngadedengekeun, teu motong.

Resep ngobrol jeung lisung mah...
Oh Lisung, Ai Laf Yu

TUNGTUNG TAUN 2013, TARAM MULANG PARA DANGIANG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 10:02:38

Di lebak, haliwu, kaprah-keupreuh, sagala diaayakeun. Deuk mapag taun anyar. sakitu aya pangajak ulah kaleuleuwihi ti para kyai. Keukeuh baé dileuwih-leuwih.

Wanci tunggang gunung, haliwu pindah ka tonggohkeun. Nu guméwé, nararonggoh nyumurtujuh. Pangsunian Abah Kuncén, garieung.

Sareupna, moékan. Beuki ngabadeg nu daratang. Pangiuhan sing cunungnu, teu kaur manggih patempatan datar lega meueusan. Hujan ngaririncik, burinyay jeung guruhna guludug, teu nyukupan nyieuhkeun nu daratang.

Nengah peuting, ngaraméan. Lalaguan ngalaeu miceun geueuman. Cahaya warna-warni sing buricak, nojosan langit. Bruy-bray ti unggal riungan, meupeuskeun ceudeum cakueum.

Tengah peuting, sada nu uluk salam ka Saung Kiray. Abah Kuncén doangna surti, dipundut jajap ka Puncak Manik pamatuhan. Kawah Ratu kari burukbukna, ngahiap nu marulang. “Sing jinek maneuh, ulah kagaganggu garieungna béh lebak, rumasa tuturunan ilang temahwadina” Abah norowéco. Nu singrariung lus-les ngahariang, mararengan.

Paingan ti tadi Abah jojong teu lémék-nyarék. Horénganan, seuweu-siwi Nyai Pohaci, oncu putu Aki Tirem, sang Aki Luhur Mulya, nyaringkah ti Dayeuh Banten.

TOJAIAH

Kénging Deni Hadiana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 09:41:11

Karep lunta ngulik pangarti. Ngalap elmu pikeun bekel ngoprek kahuripan urang lembur sangkan ngaronjat harkatna. Teteg panceg, moal ieuh kagoda gawe di kota. Kahirupan jadi kaum urban ngan ukur sawatara waktu. Lamun geus jembar ku pangaweruh mah rek mulang, ngamalkeun, babakti ka purwadaksi.

Ilu biung dina pagempungan, lain ku hayang jadi inohong, pamohalan jadi pulitisi. Ngan wungkul ngasah diri sangkan eyeub ku pangaweruh. Estu dulur-dulur, baraya jeung tatangga bakal patepung jeung kabagjaan alatan kasosonan kuring ngeuyeuk heman kahuripan maranehna. Ehm, bagja temen hirup tentrem ayem, ninggali cai pating gulidag, pepelakan aremplo hejo, bubuahan pating gurawil, rahayat suka bungah kerta raharja.

Tapi ieu rohangan sumpek bau hapeuk. Lamun peuting lain sora jangkrik atawa bancet kole nu kadenge, tapi sora pating jorowok aweuh-aweuhan, “Koruptor! Koruptor! Pulitisi maling, hukum gantung!!!”

TAUN KALIMA

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 09:19:10

Leungiteun rasa. Poho ngaranna bagja. Nya jang saha kuring hirup sabenerna. Diri sorangan geus lila palastra. Kuring layon nu nyandiwara. Imut, tumarima diri dirérab surya. Sadrah dikoléangkeun séahna.
Bulan jeung béntang suda cumarita da kuring anggeur cicing teuing demi saha. Beurang jeung peuting geus taya béda, méh kabéh sawarna. Galindeng trésna teu deui ngawirahma.
“Wayahna!” basa indung maca rupa. Mareuman wening cahya jeroeun dada nu pinuh ku karaha.
“Rék tepi ka iraha? Tepi ka taya dikieuna?” ceuk anjeun. Ceuk kuring. Ceuk hujan. Nanya tanpa sora.

AKAL KOJA KURAWA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 09:06:08

Geni kaceuceub, lir yaksa nitis ka Suyudana, nyerep kana haté, nyusup kana paitna hamperu, nu antukna aya karep duruwiksa, muwuhkeun akal koja na uteuk cikalna Kurawa jeung adi-adina. Ku akal licikna, Suyudana jeung adi-adina nyieun taktik pikeun mateni Brataséna ku cara lantip.
Saratus terah Déstarata dina basa nu pinuh pura-pura, ngolo Bima sangkan milu kokojayan di Walungan Gangga. Kecap-kecap pangoloan tina biwir-biwir angkara niruk rasa Brataséna, mateni nurani suci putra Déwi Kunti, kawaspadaanana rubuh-rebah ku tutur saur santun. Pangajak Kurawa dina tabéat yaksa nu pinuh ku basa pura-pura, lir lawang caang pikeun ngaraketkeun deui duduluran dua terah Bharata.
Rasa curigan sirna tina haté terah Batara Bayu, kalindih ku kabungah nu taya papadana. Sempal guyon bari kokojayan, silih simbeuh bari gogonjakan, dirina bener-bener geus asup bubu akal koja para Kurawa.

Katerangan:
Nami sanésna Bima : Brataséna, Balawa, Birawa, Dandung, wacana, Nagata, Kusumayuda, Kowara, Wérkodara, Pandusiwi, Bayusuta, Wijaséna, Jagal Abilawa.

LIWUNG BALAGANJUR

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 09:02:37

Peuting. Dina hajat walimahan. Purnama mabra na langit lénglang. Gendang ngungkung patémbalan jeung sora goong. Ngawirahma tepak tilu. "Siap-siap, Néng..., giliran hidep," Ki Soma nepak taktak. Diwalon ku unggeuk.

Maju ka pakalangan. Nu lalajo séah, surak ngabobotohan. "Balaganjuran, Mang...," ngodeuan ka nayaga. Prung. Ngéngklak dipirig ku tarompét "kembang beureum". Sajeroning ibing, aya nu karasa nyésétan haté, lir hinis nurihkeun peurih. Rét kana korsi pangantén. Duaanana keur anteng silih imut, silih kelétan. Ter! Jajantung kumeleter deui. Raheut beuki karasa gudawangna.

Cacap mungkas jurus. Gendang robah ketukna. Cadungdung. Sigep, masang kuda-kuda. Laju nguriling, muteran kalang. Néangan layan. Poék dumadakan. Langit angkeub. Nu naleukeum dina uteuk. Kalaluar. Bruh-bréh, mawa karep séwang-séwangan. Gabret..., gabret! Sakabéh nu katénjo, nu kapanggih ditarajang. Nu lalajo patingkocéak, barirat. Gajleng! Sakilat geus ngabedega hareupeun pangantén. "Montong sambat kaniaya, durjana! Peurih dibayar peurih...!" Ngacungkeun patrem nu pageuh dina cekelan.

DE AUDITU TESTIMONIUM DE AUDITU. 1

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 08:41:47

Cahaya Suminar narima kuasa ti Sholéh, nu disangka ngarudapaksa Inah. Saperti biasa, Cahaya indit ka té-ka-pé nurutkeun bé-a-pé. Té-ka-pé dina perkara ieu, imah korban. Nalungtik tina sagala rupa. Motoan nu sakirana aya patula-patalina jeung perkara. Tunyu-tanya. Nyieun kasimpulan atah.
Inah, di pasidangan mindeng ngabigeu, nepika jaksa salaku nu ngahadirkeun, jéngkéleun. Didi jeung Dodo, bapa jeung lanceuk Inah, jaradi saksi ogé. Kasaksian maranéhna, basa poéan kajadian, Didi balik ti kebon kira-kira jam sapuluh, Dodo kira-kira jam sawelas. Maranéhna naringali Sholéh kaluar ti imahna bari lumpat, mamawa péso. Di imah, nyampak Inah keur ceurik, ngaku karék dirudapaksa Sholéh. Sanggeus majelis hakim jeung jaksa bérés nga-interogasi Dodo, bagéan Cahaya-eun.
“Hartina béda waktu balikna bapa anjeun jeung balikna anjeun téh sa-jam-an nya?” Dodo unggeuk.
“Inget-inget! Teu salah?”
“Teu.” Dodo ngajawab bari ngeluk. Cahaya cengkat, nyampeurkeun méja hakim, némbongkeun poto imah Sholéh jeung imah Didi. Ngagupayan Dodo supaya milu ningali.

ÉLÉGI DADAHA

Kénging Ida Nurulhuda
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 06:42:33

Erok pulas koneng nu meunang ngagegecek tungtungna, garing. Kamari rémong ku oli tina ranté motor. Rék dipaké deui ayeuna ka Dadaha. Nganteur kahayang haté. Sup blusna, ditarétés kembang palebah dada. Kalandep salira. Rup, dirungkupan ku tiung. Miang ka Dadaha mawa kasuka, paamprok jeung dulur- dulur nu pikasonoeun. Nu sapopoé ukur pataréma dina dunya maya. Lat kacapé. Bagja, ni’mat boga kulawarga nu silipikanyaah. Sugema ningali pintonan nu sakitu munelna. Ngan haté bet asa nyorangan, cuang- cieung. Simpé dina séakna émprak jeung surak. Lekasan sabada méakeun alas, saté maranggi jeung oséng génjér. Guligah di sisi jalan, nyawang kumaha lalampahan mulang. Beuki peuting, pada ngandeg pada mikamelang. Nalangsa, inget ka si Kakang. Lanceuk nu purah ngabeberah mun boga kasusah. Ngawawaas manéhna mapagkeun. “Mulih ti mana, Bu? Wengi- wengi,” ceuk ronda nu keur ngulampreng. Nepika imah, tuluy nyegruk. Ngabedahkeun cipanon nu titadi geus mudal. Ngagabrugan ka si Kakang, pupulih meunang kapeurih. Dina inbox jeung sms.

NYIAR ANJEUN

Kénging Mang Liman
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 02:06:02

Guligah. Teuing naon nu jadi marga-lantaran. Ngojéngkang. Jrut ka buruan. Ngararasakeun kaayaan. Ngangon sawangan. Rus-ras hésé dikadalian. Tanggah. Nyiar bulan. Nyiar katingtriman. Horéng langit angkeub. Méga hideung mindingan teuteup. Aya kamelang. Aya harepan. Pagaliwota. Campuh. Awor sajeroeun rasa nu teu wasa jadi basa. Peureum. Ukur angin nyampay. Ngusapan gilisirna getih. Aya haneut. Aya seungit taneuh. Nyaliara lalaunan. “Néng, gera kalebet! Hujanna bilih kabujeng ageung!” Gebeg. Rét ka tukang. Kasampak indung ‘na lawang. Kasorot ku lampu. Pinuh kahariwang. “Muhun, sakedap deui.” Ngawalon. Cindung baseuh. Beungeut baseuh. Lebah kongkolak mata aya nu ngembeng. “Kuring nyiar anjeun, jungjunan! Kuring sono!” Rénghap panjang. Nyeuseup lelembutan.

SUSTER ERIN

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2013 00:06:03

"Kang, waktosna ngaleueut landong..." sora halimpu matak dadangueun, biwir ipis imut kareueut, némbongkeun waos bodas. Gék calik gigireun. Panon cureuleuk neuteup seukeut. "Kang, énjing Erin moal tisa pendak, aya acara kulawargi," cenah, bari nyekelan reuma Kuring.
Rekét, nutupkeun deui panto. Kaluar. Rénghap, narik napas panjang. Lung, pél dibalangkeun kaluareun nako.
Tilu poe ti harita. Suster Erin taya datang. Karasa. Rohangan asa sumpek. Panyakit nambahan parna.
Jam sawelas peuting. Panto aya nu muka. Bray. Rekéét... Kuring curinghak, "Suster Erin...!" "Stt... Ulah geruh kang," Suster Erin ngantelkeun curuk kana biwir. Gék, gigireun Kuring. Awak ngadadak jag-jag. Sagala panyakit leungit. Gék, diuk gigireuna. Gap, pataréma. Pagégéyé. Silicacapkeun kasono. Kuring jeung Sister Erin milampah dosa.
Tabuh tilu. Suster Erin ninggalkeun rohangan.
Isuk-isuk kénéh. Tuntas dipariksa. Dokter nitah mulang. Gura-giru ngajugjug alamat paméré Suster Erin peuting tadi.
"Gening seueur jalmi?" Kuring nanya budak nu maké sarung poléng. "Pan, Nuju tilu poéna. Tahlil Suster cantik!" témbalna.