Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Désémber 2013 (13 Naskah)


ASIH NU LIRIH

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 22:02:19

Resi Palasara neuteup Setyawati, teuteup nu pinuh ku sumilir asih, asih jatining ati nu datangna teuing ku lirih, sumarambah kana rasa dina galindeng asmara.
“Setyawati…, Durgandini…, nami nu teu kinten éndahna, nurup cupu sareng kageulisan salira…..” ceuk Palasara daria pisan. “Manawi teu kaabotan, naha kersa ngajujut panyawat salira, hapunten sanés kumawantun, sanés badé ngajaheutkeun manah salira, kitu gé manawi teu kaabotan”
Setyawati ngarénghap bari neuteup umpalan walungan Yamuna, budah-budahna tingborélak lir ngadilakan waruga nu hanyirna kabina-bina, diri bet asa katiir ku takdir, nu jadi indung bet ngawaris sewu kawuyung. Genclang hérang ngalémbéréh maseuhan kalara nu patulayah dina dada.

PELAJARAN SEJARAH

Kénging Fairah Subakti
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 20:21:31

Ieu carita kainspirasi ku alm kang Ibing de Kabayan. Basa kuring balik Rapat Kerja ti Pangandaran, sapanjang perjalanan dina beus disetèl carita humor de Kabayan. Cape, tunduh jadi laleungitan. Carita nu matak moal poho: Pentingna diajar Sejarah.
Hiji mangsa pamuda ti suku Batak, Aceh, Bali, Jawa, Sunda, Makassar arulin ka Jakarta naraek beus kota. Palebah rek turun, anu ti Batak ngagorowok:"Sisingamangaraja!!" Reug beus eureun. Gorowok anu ti Makassar: "Hasanudin, Bang!" Reug beus eureun deui. Kadèngè deui " Imam Bonjol!" Eureun deui beus teh.
Salila merhatikeun anu tarurun, si Ujang ti Lembang anu teu resep kana pelajaran Sejarah mikir bari ngagerentes na jero hate: " uing nyebut ngaran saha nya, keudeung deui rek turun yeuh. Hiji-hijina jelema ngetop nu uing apal ngan Abah Ecep"
Ujang geus rek turun bari teu apal kudu di jalan naon. Jol gorowok sataker kebek: " Abah Ecep, Abah Ecep!!!"
Beus kalakah beuki laju. Karunya si Ujang sasab, bonganna tara milu pelajaran Sejarah.

AYA KITUNA

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 20:08:34

Hiji peuting Mang Kardi ngimpi ngala buah. Buah nu diala teh buah ngora, da harita teh ngala keur rujakeun. Barang buahna geus loba, manehna turun tina tangkal buah. Nempo buah nu galede kitu, manehna teu kuat hayang geura nyetrok eta buah. Barang buah dicetrok, jerit teh aya sora budak ngajerit. Mang Kardi oge tibuburanjat hudang, bakat ku reuwas. "Aduuh..Ujang hampuraa Bapaa.." Ceuk Mang Kardi bari geuwat suku anakna dirawel, ari budak mingkin tarik ceurikna, atuh da suku budak teh nepi ka hejo digegel ku manehna. Na atuh nya, ku kabeneran, barang nyetrok buah, suku budak Mang Kardi nu keur sare gigireunana bet motah jadi kana biwir Mang Kardi, rarasaeun manehna mah meureun nu nempel teh buah. Untung we budakna kaburu ngajerit, mun teu kitu meureun suku budak teh geus beak digares ku manehna..

SALAH GAUL

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 19:57:42

Balik sakola, aya nu ngadagoan palebah panto gerbang. Ngajak ulin, ari pék kalah dibawa ka imah kosong. Pipikiran bingung, inget ka mamah bisi arep-arepeun. Tapi manéhna keukeuh ngolo-ngolo bari nyombo. Pajarkeun mun enya cinta mana buktina.
Leungeunna ngaragamang lalaunan. Hiji-hiji kancing dilaanan. “Maah…!” Batin ngagero. Hayang baruntak, hayang lumpat tina kahariwang nu ngalimpudan. Tapi napsu angkara leuwih rosa ngarangsadan rasa. Tingsariak sagalarupa pagaliwota, babalieuran nyumputkeun éra parada. Antukna tikelebuh dina pangrungrum si durjana nu boga tato ‘na awakna. Kokoléaban dina rénghap nirca. Kasadaran ngalayang teuing kamana, diri teu walakaya.Tatali batin nembus naluri indung. Kriing, telepon. “Sakedap deui uih, Mah. Nuju kerja kelompok heula.” Sora dipengkek nyumputkeun hégak, malar nu hariwangeun teu curiga. Kaméja bodas, erok biru, ngalumbuk. Ceurik ngagukguk, kaduhung tara ti heula.

Sawatara waktu ti harita. Éar warta dina média, vidéo teu uni nyebar ka mamana. Mamah ngaheruk nampi surat DO ti sakola.

KEUR DEE

Kénging Budi Mugia Raspati
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 19:35:05

Dee. Laksana ogé geuning, tepung jeung tungtung. Cunduk kana waktu. Kahariwang datang bareng kamelang. Keretas pulas kayas, meunang kahayang. Ngan hanjakal teu dibarengan ku potrét nu keur imut. Imut bagja, lain jeung Aa. Bet ngudar panineungan.

Dee. Naon atuh disebutna tali mimitran urang téh? Nu puguh mah teu diwengku ku ugeran jeung pasinina. Pikeun Aa, bareng reujeung Dee mah cukup neuteup ngumbar karep katut karesep, peun, teu leuwih. Najan mindengna raga paanggang, tina rérét nu asa-asa, antukna mah binarung rasa. Bari Aa ogé surti. Aa mah saukur tempat panglumpatan.

Liwung. Horéng, Aa leungiteun. Wilujeng, Dee. Tong salempang, haté urang tetep nganteng, kaasih bakal angger dipanteng. Hamo kahalangan ku anggang. Anggang mah ukur kalangkang, teu tepi ka rasa. Jauh urang ukur lebah juuh, moal jadi panghalang kana kahayang. Mugia sapaneja. Urang geus pada-pada kapegat bagja. Bati, bagja keur Aa. Salaki, bagja keur Dee. Tapi urang kungsi boga bagja nu duaan. Dee.

WARUNG OTONG

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 17:24:50

Ari disebut ngeunah mah henteu éta pasakan di warung Otong téh. Anu pas mah murah. Bisa kénéh dahar ku harga 6 rébu. Dadar éndog ditambah sayur. Ditambah ku inuman dingin pas wé 10 ribu. Di mana teuing zaman ayeuna bisa dahar ku harga sakitu? Dahar di warung padang minimal dua welas rébu.
Anu pas dahar di warung Otong mah keur akhir bulan. Malah bisa nganjuk sagala. Teu boga duit bisa wareg.
Sakanyaho kuring, si ibu Otong téh anakna tilu. Nu bungsu, kasép, 5 taun. Lanceukna, lalaki, kelas 4 SD. Nu panggedéna gadis. Ceunah ceuk Cecep mah, batur sakantor, geulis. Duka teuing, da kuring mah can manggihan.
Di warung éta can aya katingali tapak gawé lalaki. Jukut hareupeun warung ngajejemrung. Méja raréyod.
Panasaran, kuring nanya ka si Ibu, "Ari salaki ibu damel di luar kota?"
"Kabur, salaki ibu, mah," témbalna, teu némbongkeun beungeut.
Duh, kaduhung nanya. Kuring ngasongkeun duit 50 rébu urut dahar harita. “Sesana mayar hutang, Bu.”
Baé ah, beukeul dahar tepi ka awal bulan mah kumaha engké.[]

PAKANCI (5) – XI ZHOU

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 16:26:47

Késang ngoprot. Baju jibrug. Ngaboséh sapédah aya kana opat puluh kilona tuda ti Dali ka Xi Zhou téh. Disumangetan ku hawa nu beresih tur alam sabudeureunana nu éndah kacida. Nepi ogé ka tujuan. Xi Zhou, désa nu aya di luhur gunung. Salasahiji désa di Cina Daratan. Hawana tiis. Nyelesep nepi ka tulang sumsum. Késang gé gampang tuus. Kusiwel sedotan inuman di kaluarkeun tina botol. Béak ning. Laju ka warung nu aya di sisi jalan. Matak mentegeg. Keuheul. Teu bisa ngomongna. Tatanya sapanjang jalan sugan aya nu jualan cai. Euweuh nu ngartieun. Bari pepeta, keukeuh garogodeg. Ieung! Kumaha ieu tikoro sakieu garingna. Ngaboséh deui. Ka kalérkeun. Bari ngabangbalérkeun hanaang, sapanjang jalan motoan imah buhun nu umurna cenah geus ratusan taun. Anjog ka Buterfly Park. Tina pangintipan kaméra, katoong siga Bi Pejoh ti rombongan Ronggéng Gunung Pangandaran. Laju disampeurkeun. “Istirahat heula méméh manggung tari masal di alun-alun Zhongdian engké wengi,” cenah.

NU NANGTUNG HAREUPEUN KALÉNDER

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 12:42:03

Peuting ngarikeun jempling. Ukur kapireng babaung ajag. Lapat-lapat ti galeuh tabet. Mirig tik-tek wéker nu sawirahma jeung antaré rénghap ambekan. Ngajengjen. Ngalenyepan simpé. Hareupeun kalénder nu kari salambar. Paneuteup museur. Kana gambar kalénder. Mojang lenjang dikabaya kasumba ngélék gentong di sisi talaga jeung jajaka nu keur anteng niup suling, dina rakit di tengah talaga. Badis korsél. Lelembutan muter. Ngideran wanci. Bihari manjing kiwari. "Geus rék ganti deui." Gumerentes. "Ari aing kieu kénéh, geuning. Teu puguh tangtung. Teu puguh lantung. Kawas nu linglung di parapatan kabingung." Rét kana jajaran angka nu tuluy muguran. Daun-daun poé pating kalayang. Ngalakay kabawa angin. Dahan bulan pasoléngkrah. Jadi pangpung panineungan. "Mulan-malén dibaturan. Horéng aing ukur dijieun bebegig. Purah nyieuhkeun laleur nu rék ngeunteupan bohak haténa." Teu karasa. Cipanon nyalangkrung. Humarurung. Humariring. Hariring kateteg ati. "Sisir kai ngaranna serit, daun seureuh paragi nyeupah. Dipikir-pikir bet mending indit, bongan deudeuh bet dicacampah." Ragamang. Balati. Dialak-ilik. Dikeupeul. Pageuh.

RUPA-RUPA RURUPAAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 12:09:12

"... Punten gadona diangkat sakedik. Ya gitu, bagus. Éh, sakedap, rada ka katuhu sakedik. Tah, muhun kitu. Sip, siaaap..."
Jeprét. Burinyay. Jeprét burinyay. Opat kali. Asa ranyay.
Keukeureuceuman, sêrab.
Nu moto seuri, "Saé pa, hasil cétakna tiasa diantos. Mung sababaraha menit..., mangga ngantosan di rohangan payun."
Teu lila nungguan téh. Ngan sakuring-kuringna nu difoto. Jaman téhnologi kiwari, saenyana geus nutup sababaraha pangusahaan. Contona hapé nu aya kaméraan. Tukang foto nu nguriling ka lembur-lembur parensiun kapaksa. Jeung deuih euweuh nu ngaranna kliseu. sarwa digital.
Torojol nu nyétak, haharéwosan jeung nu moto tadi. Katingali karerung. Teu genah haté. Panasaran disampeurkeun.
"Kumaha geus jadi?" cekéng téh.
Nu moto rampang-reumpeung. "Eu.... Euh, manawi teu kaabotan. Uihan difoto deui manawi...."
"Aéh-aéh, naha? Cingan nempo heula nu tadi...."
Rada mugen. Sanggeus dipaksa mah, némbongkeun ogé.
Jedak!
Opat foto rupa sato.

NAHA AA,

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 11:26:13

“Heal the world, make it better place ...,” Adun jeung babaturanana ngawih lagu Michael Jackson dina raraga konsér amal, ngumpulkeun dana keur ngubaran barudak nu kakurangan gizi. Téma konsér sarua jeung eusi lagu, ‘Heal The World’. Lagu kamanusaan, silih pikanyaah sasama teu mandang séké sélér. Konsér diayakeun gawé bareng antara pamuda 'paduli kasehatan rahayat miskin’ jeung salah sahiji pakumpulan pecinta Michael Jackson, kaasup kuring. Suksés pisan. Jadi headline di surat kabar. Ngahasilkeun dana anu kacida gedéna. Ngaran Adun jadi kasohor. Unggal stasiun TV swasta paboro-boro hayang ngawartakeun sagala rupa anu pakait jeung manéhna. Barudak, rumaja, ibu-ibu, nepika nini-nini apal. Kacapangan.
“Teu alus. Kampungan. Goréng. Teu nyeni. Unggal konsér nu dinyanyikeun ngan lagu Michael Jackson. Cik atuh lagu nu lain,” Farhan Abban, oknum pengacara nu ateul létah lamun teu usil ka batur, ngahina, bari biwir luhurna diangkat sabeulah.
“Naha Aa, Adun kudu ngawih lagu ‘Gelas-gelas Kaca’ kitu?” cekéng téh.

DEMI RAHAYAT

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 08:42:57

Di Gedung Putih. Gito Wirjo dédépéan asup. “Aya perelu naon, Jang Présidén? Kuring rék mingpin sidang. To the point wéh!” ceuk Obama bari angger numpangkeun suku dina méja.
“Euh... Abdi nyuhunkeun keran impor kadelé dibuka deui. Hawatos rahayat tos lami teu nuang tahu témpé.”
“Hég waé. Tapi anjeun kudu bisa ngeureunkeun démo anti AS!”

Di Canberra. Gito nyarita ajrih ka Tuan Abbott, “ Abdi nyuhunkeun kintunan sapi ditambihan, hawatos rahayat arang nuang daging sapi.”
“Hég waé. Tapi anjeun ulah nyuat-nyuat masalah penyadapan deui!”

Di Putrajaya. Gito nepangan Datuk Najib, “Abdi nyuhunkeun dikintun deui daging hayam. Hawatos rahayat, sesah milari daging hayam.”
“Hég waé. Tapi anjeun ulah ngungkit-ngungkit masalah perbatasan!”

Di Garut. Aleutan mobil eureun hareupeun imah agréng. Paspamprés jaraga di luar.
“Abdi nyuhunkeun émbargo jéngkol dicabut. Hawatos rahayat, tos lami teu nuang jéngkol,” Gito arapap-eureupeup.
“Hég waé. Asal perkara kuring jeung Ibu Negara tong diinget-inget deui!” Dén Oméd némbal.

MANG DARTAM WAHAM

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 08:34:58

Rérés kuliah Psikiatri. Bab waham. Kuring masih na bangku kelas. Ngahuleng. Inget ka Mang Dartam. Di lembur. Sarua. Ngarandapan waham. Sok leumpang sakaparan-paran. Ngacaprak. Sakapeung seuseurian. Mun manggih tangkal, ditangkeup. Tuluy ceurik balilihan. Kituna téh ti saprak Bi Jumirah pupus. Kaleleban. Geus leuwih sataun satengah Mang Dartam ngereles. Taya raratan.

Lamunan terus kakalayangan. Mun teu waham, nya Mang Dartam nu baris ngawalian kuring. Gegentos Bapa. Asa kahutangan. Mang Dartam nu ngarojong kuring kuliah di kedokteran. Bébéakan. Karna mah, adi misan kalah méakkeun banda. Saprak Mang Dartam owah, kalakuan Karna parna. Bororaah ngaropéa bapana, komo kuliah. Kalah awuntah. Teu karasa, kongkolak rambisak.

“Héy, waktuna praktikum euy! Udah lah jangan pikirin Si dia mah, tar juga nyesel ninggalin kamu,” Noni sobat dalit ngagareuwahkeun.

Di ruang praktikum anatomi. Mitembeyan diajar ngabedah. Nyegak. Bau pormalin. Mayit nu geus diawétkeun didorong ka tengah rohangan.

“Ya Allah....Mang Dartaaaam....!”. Teu karasa ngagoak, mireng nu ngabebengkang dina ‘berankar kadaver’. Tuur nyorodcod. Ngaleketey. Rumpuyuk, teu éling.***

Catetan saeutik :
kadaver = mayit

HIKMAHNA DISAIMAHKEUN

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2013 06:18:23

Urang aranan baé Iim, Éém, Aam jeung Uum. Wanoja saentragan tapi pakokolot supa nu lawas marengan kuring nyungsi galurna Gusti. Sareundeuk saigel, sauyunan. Silihaping, silihjaring hirup kumbuh babarengan teu ieuh ngahudang rungsing.
Mimiti ngabaladah jalan, karasa pisan rincugna. Loba salah paham nu nimbulkeun pacogrégan. Lalaunan élmu jeung iman ngupahan lir cikaracak sagalana laun-laun ngaburicak, médalkeun acining asli kahadéanana.
“Im... teu bendu?”
“Teu sawios abdi mah percanten pisan kana takdir-Na” témbalna
“Dupi Éém kumaha?”
“Ieu mah janten hiji atikan, étang-étang nyuprih élmu wéh.” Tuluy méré isyarah ka Aam. Pokna,
“Saatos Tétéh percanten sareng gaduh élmuna, cuang sasarengan baé ngamalkeunana mah!”
“Leres kitu Ang!” Uum ngémbohan. “Sakantenan urang kemas ku ihlas méh saterasna urang sadaya sasarengan. Lahir tumekaning batin, dunya rawuh ahérat!”
“Aamin...” cékéng bari meureumkeun panon jeung sidakep jiga nu keur solat. Kerelek. Les! Nangkarak imut.