Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Novémber 2013 (24 Naskah)


CURHAT TKW DI DUMAY

Kénging Aray Nutisajra
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 22:52:16

Kami narimakeun hirup jadi TKW lantaran rumah tangga anu rajét. Ieu pisan nu tumiba ka Kami bari jeung lain kahayang. Saeunyana beurat hirup rarandaan téh, tapi asa euweuh hartina boga salaki géh lamun teu tanggung jawab ka kaluarga mah. Émang salah mun Kami hayang senang bari dihargaan kusabab pakaya sepertos awéwé nu séjén?. Nalangsa haté.

MULANG TARIMA

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 21:17:15

“Sagalarupi kapalay parantos ditedunan. Ti ngawitan jajan baso di sisi jalan dugi ka tuang di réstoran. Ti ngawitan pulsa matuh dugi kana hapé kaluaran pangénggalna. Nya naon deui atuh nu kirang? Salira bet angger karaos ngolémbar…” Henteu nyentak, henteu teugeug. Ngagalindeng. Ngan neumbag kana mamaras karumasa. Rumasa can bisa mulang tarima, nedunan kapalay anjeuna nu bro-broan.
“Engkang mung hoyong haté salira!” Kadéngé tandes ayeuna mah. Tungkul, rasa dirobéda ku diléma. Lain teu hayang. Dibikeun, bakal aya haté séjén nu kacodéka. Teu dibikeun, beuki rumasa.

Gilig pikir. Sugan ku cara ieu bakal lantip nebus karumasa. Kop kana hapé, “Diantos di Cipanas, kamar 108.” Sms dikirimkeun.
Ngajanteng hareupeun panto. Trok, trok! “Mangga kalebet…” Sora ti jero. Panto dibuka. Bréh! Andiprek luhureun kasur. Teuteupna ceuleuyeu, dada gudawang ngamalirkeun getih. Leungeun ngageter nananggeuy haté nu lamokot nyarakclakan, sepré bodas malih warni ngageblég beureum. “Nyanggakeun!” Haroshos…

MALINES

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 20:16:51

Salah saurang nguliwed kana dapuran sampeu. Nyumputkeun nafsuna anu rongkah. "Ieu ningan!" gorowokna. Jekuk-jekuk diteunggelan. Anu ti tatadi ngahéphép nyumputan nu ngaraponan, ngocéak. Poho kana kumis baplang jeung pangsi nu maneuh dipaké ngéngklakna. Meungpeunan beungeut ku dua dampal leungeun. Sihung panjangna digégél pageuh. Bres bres "Modar siah". Surak. Teu walakaya.. Saréréa ayeuh-ayeuhan. Bakat ku atoh. "Jagragkeun. Urang taranjangan," gorowok anu nyenyekel awi gedég. Jeprot neunggeul puhu ceulina. "Beungkeut euy. Urang panggul." Ngabring. Pating karecewis nyarita. "Manéh dikumahkeun ku si éta baheula?", tanya anu keur ngaréréyang. "Diadukeun jeung hérdér euy. Soéh tah bujur Aing," nyakakak dibarung pating salegrok.

ISTRI BINANGKIT GITU LOH

Kénging Cucu Unisah
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 19:36:09

Teu maksud ngalajur nafsu, ngumbar hanaangna syahwat. Teu mengpar tina tetekon, sah numutkeun agama. Rikip tur lantip carana, sagalana menang ngatur.Apal saha manéhna téh, apal timana bandana, apal réa garwana gé. Tapi kuring teu paduli.

Waktu prung walimahanna, sagala kudu nyamuni. Cukup opatan jalmana, teu kaci aya nu motrét sok komo aya vidéona.
Dulur kabéh gé panuju, suka seuri pada ngarti. Hirup senang hénang-hening. Imah méwah ngajungkiring. Turun unggah mobil weuteuh. Emas reunceum napel pageuh, dunya asa nu duaan. Unggal nagara ka saba, balanja dimana-mana. Kabéh harta milik diri. Susuratan ngaran sorangan.

Basa carita lekasan, hanteu ringrang teu hariwang, manéhna kacerek deleg, unggah ka balé watangan.

SI TUAN

Kénging Sandang Pangan Papan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 19:33:34

"Tuan! Tuan!. Cilaka Tuan. Cilaka! si Elsi reuneuh!" Dona hariweusweus, bari nyéka cikesang nuranung lebah tarangna. Dua pinareup Dona nu neuhneur témbong ratug, marengan jajantungna. waktu si Tuan neueulkeun curukna kana biwir Elsi.
"Ttua..n! kumaha muna kuring ogé reuneuh!?"
Nuratug beuki ngésang, dipaksa guyang atawa duka mémang papada hayang.

Si Tuan nyérengéh, Elsi nyangéréng. parebut surat sarwasuka sarwaduka.

SUNSET US

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 19:30:43

Arak-arakan awan mapakan wanci sareupna. Panon beurang laju turun nyumput, ninggalkeun pulas beureum dina layung. Nugeulis tapak deku na amparan keusik kikisik, sora bedas galura pangandaran marengan galindeng dina mamaras rasa. Kuring milu neuteup langit anu mintonkeun sunset. Sila, disagigireun nu geulis puputon ati. Duaan kagagas ku wayah harita. Subhanalloh, endahna paduduaan neuteup sunset. Ngajadi bubuka, ngababakan terus rasa asmara dahana. Duaan, silih simbeuh kadeudeuh.

SONO

Kénging Herdy Pranadinata
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 19:28:09

Jungjunan. Nyanggakeun ieu kembang tinu kuncup dugi ka lalayu sekar. Seja diawurkeun rerencepan, di buruan haté anjeun. Mangga intip unggal wanci, kekembangan nu balatak salilana salin rupa. Kasorot mata poé jadi seuneu. Ngarérab sagala rusiah jadi hégak nu awuntah. Kalan - kalan lamun ka ibunan , ngareclak jadi cinyusu nu salilana dianti waktu. Kitu deui lamun kapoékan. Léngkahna jadi sakaparan - paran néang pangbalikan. “Abdi bakal janten kembang dina haté Engkang salamina, “ janji anjeun, waktos urang katalimbeng dina patamanan taya lawang. Taya kecap nu jadi panémbal , kembang anu nyurup kasalira dumadakan jadi seuneu nu rohaka. Tungtungna. Urang jadi suluh, ruhak, jeung silalatu di tengahing dunya. Jungjunan. Nyanggakeun ieu kembang nu kari régangna. Lain téga, sono jeung kembangna, rék ditancebkeun jadi tetengger dina haté anjeun

DOA MANA NU DIIJABAH

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 17:39:39

Di lemburna katelah haji Rongsok. Pédah salah sahiji pakasabanna kana sarupaning rorongsokan. Beunghar. Soméah, bageur tur béréhan. Can kacaritakeun, pa haji nolak nu ménta sumbangan boh keur pribadi komo keur kaperluan umum mah. Wajar mun urang lembur salemburna dina acara naon waé, tara kaliwat mangdoakeun keur kasaéan pa haji ogé kaluargina.
Di hiji jalan, di toko kelontongan nu balanjana pagelek-gelek, nu ngamén kukulutus. Nu baramaén pada nyumpahan. Pokona sakur nu barang pénta tara diladénan. Kasohor haji medit. Haji buntut kasiran. Haji méré gé hésé. Haji Kékéd méngkéné.
“kaleresan pa haji nuju di dieu, dus abdi tos seueur iraha badé diangkutna?” Ceuk salah saurang langganan bari mayar balanjaanna.

MAS SATRIO

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 17:38:08

Putrana Romo Ronggo Waluyo téh Mas Dharmo, Mas Harto, Mas Pujo, jeung Mas Satrio, salaki kuring. Romo kakoncara pangjegudna di Dusun Pangalongan mah. Taun juhpuluhan, cenah nu boga mobil ngan duaan sa-kabupatén téh, sala saurangna Romo. Saacan ngantunkeun, Romo tos ngabagi-bagi tanah. Rata. Dina prakna, aya opat héktar tanah bagéan Mas Satrio nu dikawasa ku Mas Dharmo jeung Mas Harto. Mas Satrio masih sabar, ngéléhan, sanajan karék léléngkah halu dibandingkeun jeung maranéhna, nu hartana lubak-libuk. Mas Pujo maot sapuluh bulan saatos Romo ngantunkeun.
“Naon masalahna?” Mas Harto popolotot, nanya ka Mas Satrio, pédah Mas Satrio teu nyatujuan waktu manéhna jeung Mas Dharmo rék ngabangun toko di tanah bagéan Jenat Mas Pujo.
“Tanah saha éta téh? Lamun nyatujuan, hartina kuring kudu siap disalahkeun ku barudak yatim éngké di akhirat,” jawab Mas Satrio, teu éléh popolotot. Kusiwel, Mas Harto ngaluarkeun ha-pé, nelepun Pak Dé Paijo, “batalkeun nyieun tokona.”

SAKOLA

Kénging Ardelia Maheswari
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 14:40:04

"Assalamu’alaikum ambu , neng sakola heulanya ". sabari salam ka indungna
"Waalaikum salam neng, muhun ati ati nyaaa . engke uih sakola langsung uih tong ameng kamamana"
"Muhun ma"
Pas 2 jam angkatna si neng , aya tatangga nu ngabejaan ka ambu , si neng keur ulin di saung deket sawah jeung barudak anu teu sakola
“ ambuuu , ambuuuu”
“ aya naon bu , meni gogorowokan kitu?”
“eta bu si neng “
“kunaon si neng teh?”
“si neng keur ulin jeung barudak anu teu sakola , di sawah ambuu”
“astagfirulllah , hayu atuh urang susulan meni baong budak teh”
Si ambu teh reuwas , da asa tadi mah si neng teh salam bade angkat ka sakola , si ambuteh nyusulan si neng weh ka sawah .
Pas disusulan ku ambu jeung tatangga , si neng teh keur nunjuk nunjuk buku tulis .
“neng geulisss , keur naon didieu?”
“ eh ambuu , neng nuju ngajar baca ka budak anu teu sakola “
“naha bisa?dititah ku saha? Dibayar teu?
“kieu ambu ,tadi kan neng bade uih kabumi deui da tadi cenah guruna sadayana rapat , pas dijalan aya budak leutik hoyong diajarkeun baca ku neng , nya entos weh ku neng diajarkeun , nya henteu dibayar atuh ambuu , saikhlasna ieu mah”
“oh nya sukur atuh kudu kitu anak ambu mah , sok lanjutkeun deui weh ngajarnanya , ambu bade masak heula “
“muhun ambuu”

KOMAR

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 13:11:38

Geus lila teu papanggih jeung Komar teh, kurang leuwih tilu taunan. Enya tisaprak Apa ngantunkeun, Komar gé milu leungit tina kahirupan kulawarga kuring. Waktu Apa ngantunkeun, Komar siga nu milu kaleleban, nu biasana digeroan langsung nyampeurkeun, ieu mah ngan cicing wae di loteng, dianteuran dahareun ku kuring gé teu ditoel-toel acan. Komar kacida deukeutna jeung kulawarga kuring, pangpangna mah Apa, komo tisaprak Apa pangsiun mah. Mun Apa keur maca, nongton, atawa Tuang pasti Komar aya digigireunana. Atuhda mun Apa ngahuap song ka Si Komar, am ka anjeunna. Ti harita Komar téh teu puguh raratanana, ditanyakeun ka tatangga, saurang ogé euweuh nu ningali Komar, tapi dua poe ti harita, aya nu ningali Komar téh aya di makam Apa, naha ieu téh pertanda yén Komar rék pamitan, duméh rek ninggalkeun kulawarga kuring. Pamitan ka jalma nu dipicintana. Komar..Komar, najan Anjeun teh sato nu mangrupa ..Ucing, tapi siga nu nyaho nu keur dialaman ku kulawarga kuring, dina kaayaan senang jeung sedih

NU DITÉANGAN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 12:57:33

Tengah peuting masih kénéh diuk nyanghareupan komputer. Néangan ngaran keur tokoh carita can manggIH nu cocog. Loba..., ngaran mah, ngan embung nu geus dipaké ku nu séjén. Barang rék ngetik hiji ngaran, Si Kudil ujug-ujug ngacungkeun curukna ngati-ngati. "Awas lamun maké uing deui! Teu rido uingah! Uing jadi dipicua ku nu maca," pokna téh. Les Kudil ngahyang. Peledug haseup kaluar tina layar monitor. Lol, nu ngaringkiwik. "Aing ngé neu hayang nyani méntang mikmin!" Ngomongna ngirung. Siak..., bulu punduk muringkaK. Gancang nungkup beungeut bari istighfar. Klik, komputer dipareuman. Sup ka kamar, golédang ngagolér. Pas keur reup-reupan, kapireng nu ngaharéwos , "Apa arti sebuah nama, Coy? Nu penting béda carita!" gebeg! Nyah beunta. Rét kana rérégan nu ririaban, saliwat kaingali Si Keling keur nyengir katémbong huntuna sagedé dékol.

DUNGA TAHAJUD

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 12:45:24

Peuting nyésa parona. Halodo. Tiris. Dampal leungeun namprak. Dibulen mukena. Aya rereged haté. Belesat ngalayang ngajomantara. Murag jadi keclak cimata. Rét gigireun nampra. Si Cikal parawan kanyaah rasa. Awakna nyebrét. Tarang diceuceuh ku anduk baseuh. Ngarakacak.

Ras ka salakina, imam saéstuna. Bagal kahuripan. Tatapakan manéhna jeung Si Cikal. Parat sabulan can mulang. Kaédanan galéong koplo. Keuheul. Ambek. Ngahéab nyongkab. Awor pagalo jadi hiji.

Cimata terus ngeclak. Beuki ngagarajag. Teu kabendung. Bengkah jadi caah. Rongkah. Manéhna kabawa palid. Ka hilir kabuntang banting. Taratu. Caah beuki nyéak. Rosa. Awak rangsak. Disasaak. Taya pamuntangan. Nyurug. Gejebur ka leuwi. Kerelep. Pucunghul deui. Leungeun roroésan sabisa-bisa. Nyisi. Muntang na akar kiara. Ngarénghap panjang. Bréh salakina keur ngawur-ngawur kasuka. Sawér. Haténa manteng muranténg kanu ngayuga. Hayang dipapalér.

“Gustiiii....., paparin kawening salaki abdi. Sabihari”, dunga ihlas ngapung kanu Agung. Caah beuki suda. Ret saat. Mukena jibreg cimata.
Heuleut saminggu. Si Cikal balik sakola. Dituyun ku bapana.***

KUSIR DÉLMAN

Kénging Endah Dinda Jenura
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 11:35:46

Tuh, barudakna amit sakola. Manéhna nganteur nepika panto imah. Randa, ceuk tukang sayur mah, hirup katilu budakna di kontrakan éta. "Keun, Jang, ku Tétéh wé," pokna tilu minggu ka tukang, basa balik ti pasar. Embungeun dibantuan ngunjal balanjaan téh. Duh. Ingeteun kénéh kitu, ka aing? Nyahoeun kitu, geus saminggu aing sok nyerangkeun? Da aing mah inget baé. Tilu minggu ka tukang, sapanjang jalan, manéhna galécok ngobrolkeun warta nu keur ramé, inget ka ceuleukeuteukna basa nyaritakeun kalakuan si Sulé dina OvJ, haneut ramona basa ngasongkeun duit délman, imutna, acreug dadana nu karérét pareng roda nincak logak. Inget baé, ka manéhna... Gura-giru meuntas jalan. "Badé ka saha?" Manéhna nanya semu héran. Hiliwir angin nyitak peungkeur awakna nu didaster lalayu sekar. Seungitna. Serrrr... Péso tikel na saku calana. Geus bosen nyipta-nyipta gurinjalna di WC mah. Kuma engké. Sabedasna gé tanaga awéwé.

BAYU PANGLUMPUH

Kénging Asép Komara
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 11:32:27

Keclak cihujan mimiti tingburicak ninggang kekebul aspal. Aya tilu keclak nu milepas meupeuh taktakna. Keclak nu badag kacida. Matak linu katingalna. Najan nu boga hadasna mah boa teu kukumaha. Tonggoy luhureun mio-na. Sabada bieu paamprok teuteup dina spion. Tilu detik nu rohaka. Numatak gas motor ogé rada dianggeran. Teu hayang ieuh miheulaan. Asa ku lebar temenan. Basa girimis mimiti ngerepan, nu ngait dina taktakna beuki ngelemeng. Ieu haté beuki katalimbeng.
Unggal émpér béngkél. Unggal warung nu ditiung. Kabéh dilarung. Na rék di mana atuh ngiuhanana. Sakieu angin ngagelebugna. Sugan hayangeun ngiuhan handapeun tangkal Johar, atawa engké hareupeun pasar. Létah jeung biwir geus jigrah, ngagugulung kekecapan nu baris kedal.
Gilek. Motorna méngpar. Bus, ka hiji balandongan. Nu euweuh motor hiji-hiji acan. Rinéh ayeuna mah. Mangsana tumiba. Wawanohan kalayan daria.
Awor jeung séahna angin nu ngararad suhunan.
“Di lebet atuh. Di luar mah bilih kabulusan,” manéhna dumadak soméah. Bari mukakeun panto imah.

KURING

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 11:18:33

Ceuk batur hirup téh pilihan. Ceuk kuring mah henteu kitu. Mun meunang milih ogé, kuring hayang hirup siga batur. Boga imah najan réyod keur pangbalikan. Boga kandaraan, najan ukur sapédah butut. Boga pamajikan anu ngawulaan najan ukur nyuguhan cai hérang. Teu, kuring teu aral teu sing. Ceuk batur angin peuting téh matak ngaruksak kana awak. Ceuk batur kadaharan nu kungsi kaeunteupan laleur matak ngondang pipanyakiteun. Ceuk batur, saré di luar matak dikerepuk reungit. Kitu sotéh ceuk batur. Lain ceuk kuring. Najan baranghakan sakapanggihna, najan udud mulungan urut batur, najan nginum mindeng cai atah. Kuring masih belejag, kuring masih kuat. Lalampahan teu nyaho dimangsa. Di mana manggih kacapé di dinya kuring ngaguher, bari ngararasakeun kumaha tiisna ciibun. Mulungan cangkang aqua ti poé ka poé jadi catetan hirup kuring. Kungsi kalangsu waktu kuring jongjon tungkul bari nyokotan gelas jeung botol palastik. Anteng teuing, barang tanggah, béh. Gebeg. Geuning ieu téh Singapur.

SAGILEK

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 10:52:00

Mubaligh keur ceramah gogorowokan sumanget naker ngeunaan tegesna ajaran Islam dina ihwal toleransi agama. Terus ngabacakeun hiji dalil bari anger ngagorowok jeung ngacungkeun leungeun: "Sakumaha hadist Nabi netelakeun 'Lakum dinukum waliyadin." Aya mustami nu apaleun, reuwas, langsung ngacung: "Pak Ustad, punten eta mah sanes hadis tapi Qur'an atuuh ..." Jiga teu mikir heula, mubaligh langsung ngajawab: "Komo Qur'an, leuwih kuat!!" Hadirin maresem, hebat cenah jawabana sagilek nutupan ka erana.

(34) JANG ODIN & URANG GUNUNG

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 10:48:36

Geus amitan ka Ajengan. Odin. Rék ka gunung Halimun. Rék ngadon kémping. Niiskeun haté nu keur sumedeng marudah. “Mekel ieu, Jang. Tamba keueung,” Ki Merebot ngusiwel. Ngasongkeun karinding. “Duh, jimat, yeuh! Nuhun, Bah!” Odin nampanan. Rebun-rebun. Odin, Daris, Rohman, nalikreuh di jalan satapak. Ngagarandong rangsel. Nilar lembur. Sempal guyon sajajalan.

Jalan satapak. Beuki netek. Luak-léok di leuweung pineus. Bras. Ka tegal handam. Plung-plong. Ka lembur nu ditinggalkeun. “Sampurasuuun! Daramang urang gunung?” Daris ngagorowok. Pangangguran. Sorana ngaweuhan. Kawas nu patémpas-témpas. “Sia mah! Sompral waé!” Rohman kukulutus. “Jiiih, uingah sanduk-sanduk, Sujang!” Daris nambalang. Asa réa nu ngawas-ngawas. Odin ngarandeg. Luak-lieuk. Taya sasaha.

Reup-reupan. Jog ka mumunggang gunung Halimun. Réngsé masang kémah. Rohman jeung Daris mirunan. Odin mireng sora nu ngalanglaung. Sada beluk. Panasaran. Disusultepus. Ngajauhan kémah. Bréh. Buukna jabrig. Dibengker areuy. Papakéan tina lulub. “Guriang Gunung!” Odin babacaan. Si Jabrig mureleng. Matana hurung. Semu bungur. Papencrong-pencrong. Si Jabrig ngalieus. Ngabelecet. Les.

BISUL ‘NA BUJUR

Kénging Usep Romli Abdul Hamid
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 09:45:56

Rombongan tagoni pasantrén Hubbul Waton, Legok Kiara, maén dina hajat kawinan kulawarga Haji Basar. Dua biduan andelan, Céng Agus jeung Nẻng Ifah, piligenti nyanyi. Teu weléh pada ngeprokan.
Komo basa Céng Agus make gaya “jaffin”, nurutan Jamil Farouk, biduan Mesir kamashur, nembangkeun lagu “Bulbul, yang Bulbul” nu kungsi disohorkeun ku Nancy Azram, biduan Libanon, taun 2000-an.
“Ta’liman bil minal yang bulbul, ta’liman bil minal ya bulbul…
“Usuruni usuruni hasabana….”
Lebah dinya, ujug-ujug lat baé Céng Agus poho kana bait satuluyna. Tatabeuhan terus muni. Sora markis geus kekecrẻk panjang. Ngaisarahan sangkan lagu terus.
Tinimbang kawiwirangan, ngabigeu teu nyora, bari “jaffin”, Céng Agus gancang improvisasi. Ngahaleuangkeun bait dadakan :
“Aduh, aduh, bisul na bujur, aduh aduh bisul na bujur….
“Disuat mah disuat beunang matana….”
Ger nu lalajo keprok. Tingsaruit. Kataji ku gaya jaffin jeung kasidah “bisul ‘na bujur”.***

IDER LEMBUR

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 09:20:42

Aya hiji Raja anu mingpin nagara mamur. Hiji mangsa, Raja angkat ka sababaraha lembur anu tebih ti istana.
Waktos raja uih deui ka istana, anjeuna humandeuar. Sampéana nyeri kacida alatan anjeuna nembéan angkat-angkatan tebih ngalangkungan jalan anu garinjul.
Raja maréntahkeun ka rahayatna, “Rahayat… sakur jalan nu aya di nagri ieu anu bakal diliwatan ku kami, kudu ditutupan ku kulit!” Paréntah ieu tangtu bakal merelukeun rébuan kulit sapi ogé gedé waragadna.
Salah sahiji abdi anu wijaksana ngawani-wanikeun manéh ngadeuheus ka Raja. Pok manéhna nyarita, “Kaulanun, naha gusti Raja kedah nyéépkeun artos kanggo nu teu peryogi? Naha henteu motong kulit sapi kanggo nutupan sampéan salira?”
Raja kacida reuwasna, tapi teras panuju kana saran ti abdina. Raja seja ngadamel sapatu kanggo anjeuna nyalira.
Catetan: Diropéa tina Majalah Intisari, “Ubah Diri Sendiri Sebelum Ubah Dunia”

ADIL

Kénging Phieman
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 08:49:18

Manéhna nyérangkeun, asa-asa. Kukuring ditéang. Semu éra kawasna, teuing sieun, boa ijid. Basa ditalék manéhna ngakuna Adil. Adil? Asa geus lila teu kadéngé éta ngaran téh. Paingan atuh teu wawuh. Beungeutna haropak awak badis rorongkong lain babasan. Pakéna rubag-rabig siga geus lila teu ngambeu cai, boa nu makéna ogé sarua. Teu kapaliré! Ditalék deui ti mana atawa ka mana waé ngakuna teu kamamana, mun teu panggih da geus teu dipikabutuh cenah. Hareneg. Naha enya? Boa heueuh. Ceuk saha, cekéngtéh, kuringmah butuh. Enya canah matak nyérangkeun ogé. Tulungan, cenah. Naha tibalik? Pan kuring nu perlu pitulung téh ti Sang Adil.

BASA ANJEUN MILANGKALA

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 08:48:25

Wawuh geus lila jeung manéhna téh. Ti parawan nepi ka geus béngsratna deui. Cunduk waktuna, ngepas mangsana. Poé ieu pisan wedalanana dipiéling. Gék. Sor. Lalawuh jeung idangan geus ngabarak. Kuring sila bareng jeung hadirin séjénna. Gorolang ngadu’akeun mugia sésa umur manéhna bisa leuwih barokah batan nu geus dilakonan. Acara wekasan , méméh mulang amitan ka manéhna bari nanya,
“Pami tiasa uninga, palay naon kadona?” Manéhna ukur neuteup, luk tungkul deui.
“Palay ieu?” gideug.
“Palay éta téa?” gideug.
“Palay nu kamari dicarioskeun téa?” gideug.
“Palay naon atuh?” manéhna cengkat terus nunjuk ka dada kuring nu beulah kénca. Gebeg! Ras inget sésana nu saparapat deui gé geus dibuking. Leng uleng mikiran. Naha kudu ngémpéran haté?

TRÉSNA

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 08:39:15

Tangkal trésna teu salawasna iuh. Teu salawasna récét ku manuk. Tapi bakal salawasna disimbeuh ku kadeudeuh, jadi kembang jadi buah. Salawasna ogé nyorang cocoba. Lir séah angin nu bisa jadi wirahma cinta. Lir srangéngé nu alon maragasan pikeun nyirungkeun deui kembang-kembang nu anyar.
Sirung nu kadang jadi mangandeuh nu éndah nu ayeuna mimiti ligar. Mapaésan jeung nyaangan tungtung kalbu nu lila poékeun, becis.
Pluk, kalakay ninggang mamaras. Aya pager nu maneuh. Kuring teu bisa owah leuwih geugeut kanu lian. Kembang nu taya dina tangkal, lain hiji alesan pikeun kuring mikahéman kembang nu lian. Kuring kudu luas mungkas saméméh leuwih ngembangan. Najan, aya raheut. Aya sesek nu sésélékét nurihan jajantung. Peurih. Tembang sono salawasna ngawirahma mirig ngeclakna cimata, jadi ubar jadi jampé. Cag!

DATANG BULAN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2013 00:38:36

Seunggah nyanghareupan poé-poé kahareup, mun bisa mah diliwat. Jangar, deukeut kana piambekeun. Saré teu weléh gulinggasahan. Pamajikan katingali jiga nu surti, ngupahan bari ngusapan, tapi keukeuh mugen mun diajak maké cara nu lain.
“Aya ringkelna Kang! Haram, cenah hukumna,” ceuk manéhna bari menerkeun sarung nu ngaléléké.
“Wayahna, sabar, da moal lami, apan tos biasa ngalaman kieu téh, tos janten résiko urang duaan.” Pamajikan ngahibur tidituna mah. Tapi manéhna ogé kapeung –kapeung sok rungsing sorangan. Gawéna ngaringkeub di kamar, horéam sagala rupa cenah, Lamun geus kajadian kieu, leuwih aman mun saré dikamar hareup, sorangan.
Kuduna mah enya teu perlu jadi bangbaluh. Hal nu biasa jeung lumrah. Lamun bisa, malah kudu geus tatahar ti anggalna. Dina waktuna datang, teu perlu jadi marudah.
Datang bulan Désémber. Mawa pasualan nu biasa unggal taun. Réa bayareun nu leuwih onjoy tinu biasana. Sakapeung sok kagoda, nyoba nginjem duit renten, untung pamajikan sok nyarék.