Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Novémber 2013 (11 Naskah)


NU APÉL MALEM MINGGU

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 21:58:19

Lengo deui lengo deui. Wanci tabuh dalapan. Lapur. Teu aya jol. Jarum pondok dina salapan, nu panjang geus dina angka tilu. "Ah, kalah sosongeteun," Kuring ngagoloyor ka enggon. Can nepi ka lawang . Panto aya nu ngetrokan. Rekéét... Bray... Panto dibuka lalaunan. "Kang Mahmud?" Saurang lalaki nu ditungguan. Asa béda. Beungeut pias, "Kunaon Kang, teu damang? kalebet atuh, angin," ceuk Kuring males paneuteup. Gabrug! "Geulis, singsabar jungjunan, énjing akang seja miang," ceuk Kang Mahmud, bari ngusapan Kuring bangun deudeuh. "Badé angkat kamana Kang?" Kuring némbalan bari metot leungeun Kang Mahmud kajero. Laju sosonoan. Silicacapkeun birahi.
Tabuh satengah tilu. Kang Mahmud amitan. Méméh mulang méré tanda beurem lebah pinareup. Jut kaluar. Dijajap paneuteup Kuring. Gebrug ngbeubeutkeun awak kana pajuaran. Panon hésé dipeureumkeun. Parat nepi ka subuh mencrong lalangit.
Hawar-hawar. Béwara kabawa angin. Kang Mahmud tos tilar dunya, tilu poé katukang. Rét kana pinareup. tanda beureum peuting tadi. Robah jadi getih lalamaran.**

HALANGAN DIRI

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 21:46:00

Ngarasa boga watek apes, tiis awakna. Istighfar saban usik. Geugeuleuh miharep lita, oge lekasan tiap tungtung dosa. Hiji jirim cicing maripi kingkin. Manehna ngarasa kaluhur teu sirungan, kahandap teu akaran. Sagala paneja sakur ngimpi, teu panggih guligah rasa. Kasang tukangna eta jirim, sok maneuh ngalajur nafsu, sok remen nincak salah. Manehna rumasa ngumbar tabiat durjana, padung ditubruk catang dirumpak. Antukna ngembang kadu ngadaun wera. Ukur nyegruk dina pangsujudan.

GURU NU SUKSÉS

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 15:17:26

Teu ragab manéhna mah, najan ka kuring lain muhrim ogé. Jol gabrug baé. Ngan henteu ari nepi ka ngagaléntoran mah. Tangka tipepereket. Sono nataku, cenah. Murid kuring manéhna téh. Kasebutna murid kameumeut. Najan teu kasebut murid nu pinter, tapi kanyaah kuring ngaleuwihan ka murid séjénna. Utamana mah lantaran manéhna mindeng balaka ngeunaan hirupna nu geus leupas ti kolotna. Pleng taun-taun teu panggih. Ukur meunang béja yén manéhna téh kuliah di luar nagri.

“Nuhun, Pa, abdi kapungkur kantos diajar basa Sunda ku Bapa. Ayeuna karaos pisan mangpaatna,” pokna, sanggeus ngaleupaskeun tangkeupan.

“Sukur atuh ari élmu Bapa kapaké mah. Ari kitu, Ayeuna téh Kristin usaha di bidang naon?”

“Teu usaha nanaon, Pa. Ayeuna téh abdi janten misionaris. Penginjil di hiji daérah. Seueur urang Sunda nu katajieun, margi ku basa Sunda abdi nu saé. Janten misi abdi suksés pisan di daérah éta téh.”

PAMALI (2)

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 14:50:48

"Ti baheula dicarék. Entong sok resep ngadahar nu kitu patut," ceuk indungna. "Uing teu percaya tadina mah, sugan téh moal kabuktian," walon Ujé bari ngeluk.
"Manéh mah bedegong waé. Embung dibéjaan. Ulahna kolot téh aya alesan nu teu kudu dijelaskeun," ceuk bapana nu karék jol. Nu duaan gancang muru, sasalaman. "Abah, hapunten uing!" ceuk Ujé. Ngariung tiluan di patengahan. Garalécok.
Najan bungah bisa patepung lawung. Gurat kuciwa natrat dina tarangna. Ambek nyedek tanaga midek. Ditahan gé hésé. Ahirna bedah. Haténa peurih. Aya bohak. Raheut nu hésé diubaran.
Tujuh taun rumah tangga. Unggal poé néangan kasab. Naon waé dipigawé. Gering gé kadang sok maksakeun. Imah, sanajan leutik ladang késang sorangan. Rarasaanna mah asa geus sagala dibikeun.
Harita wanci tengah peuting, karék mulang. Awakna ngageter ngadéngé sora nu ocon di kamar. "Yang, lagi dong!" sora pamajikanna semu ogo. "Ayo, siapa takut?" sora lalaki némbalan. "Modddaaaarrrr siah..!" ceuk Ujé bari ngejejek panto kamar.

SI INA

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 14:26:49

Si Ina, klién Cahaya Suminar, ceurik ngaguk-guk sanggeus pangadilan mutuskeun yén manéhna salah, tur dihukum pidana panjara salila dalapan taun.
“Kurang kumaha, kuring geus ngabéjaan manéh, risikona. Nu kieu yeuh, nu geus kaimpleng téh,” Cahaya keuheul.
“Sugan téh Koko moal sulaya. Saurna, anjeunna sareng Pa Supri, pengacarana, bakal ngatur penyidik, jaksa, sareng hakim, supados hukumanna teu abot. Jangjina, upami abdi parantos di luar, badé dipihukum, ” cenah bari nginghak deui.
“Lalaki samodél Si Liem Diego, moal bisa dipercaya, sarua jeung Si Supri, pengacara bajingan! Biangané!” Panon Cahaya nyiki saga. Uteukna mundurkeun waktu opat bulan ka tukang, basa manéhna ngahulag Ina, ulah daék jadi tumbal, ngangaku nu ngabogaan sarébu opat ratus dua siki pél ‘ecstasy’ nu kapanggih ku pulisi di kamar hotél Purnama. Ayeuna, Si Liem malah bisa jongjon nga-bé-dé ‘ecstasy’ deui bari sukan-sukan jeung awéwé-awéwé lianna, nu bisa dibawa ka hotél sapeutingeun, saperti Si Ina baheula.

DINASTI DENAWA 3

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 14:16:05

Gajleng. Laluncatan tina monitor. Jaro-jaro ngalugas bedog. Diteueulkeun kana beuheung sapisan. “Dia alpokahna. Kula geus maca cacahan dia ti taun tukang. Ayeuna, kajadianana. Nagara kula jadi naraka. Ulah sambat kaniaya.”
“Kéheula, Ro.” Tina layar monitor bengkah, kaluar salira istri. Miraga Ratu Catut nu kawéntar ka janapriya. “Étéh rék nanya ka dia. Ti iraha jadi dalang nu ngusikkeun sagala rereged nu tumiba ka kula?”
Leungeun ngadégdég. Réma asa dipaku kana papan ketik. Késang nyurulung. Rét ka Ki Jaro nu geus ngabar-ngabar bedog. Rét ka Nyi Ratu. Létah asa garah. Biwir kalah rapet, teu liangan. Antukna lengeun nu ngajawab. Ku ketikkan. Laju dipalencrong ku saréréa.
“Ti baheula, dia euweuh burieunana. Jaro, tong diengkékeun deui. “
Sérépét, bedog mapag jangga. Masih kénéh sempet cinggir ngetikkeun énter. Bral geura miang. Kadunya maya nu tan wates tan uga. Mugia sing tepi ka nagri wisésa. Monitor nyurucud, beureum bau hangru. Rémana teu eureun ngetikkeun laporan kamana-mana.

GAGANGAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 13:39:25

Jangkung lenjang, buuk panjang meles. Pakulitan bodas humut. Biwir ipis. Kayas. Béntangna sakola. Barudak lalaki mah meni parebut hayang diuk sabangku. Kayungyun, teu umangkeuh. Jam istirahat. Maranti, sok diuk dina bangku handapeun kembang keretas di pakarangan sakola. Manéhna tonggoy macaan SMS. Merul. Bingung malesannana. Samalah aya guru anu ngahaja terang-terangan. Antukna kalah ngahuleng. Baluweng. Barang keur kitu. Torojol Dody nyampeurkeun. Rét. Siak. “Nanti kita pulang bareng yah,” cék Dody. Manéhna ukur unggeuk. Luk tungkul. Bari ngégél biwir. Malem minggu. Di pakarangan imahna. Témbong mobil jeung motor ngajajar. Kaaup Dody minangka anu cop jeung haténa. Manéhna ngaringkeb di kamar. Teu empés-empés. Indungna ngarasa hariwang. Laju muru kamar. Kasampak keur nyuuh na pangsujudan. Manéhna cengkat. Ngagabrug indungna. Paungku-ungku. Hawar-hawar sora mobil jeung motor ninggalkeun pakarangan. Sora Dody ngageroan semu peura. “Hampunten, Dod…, ampun Gusti…!” Gerentesna. Bari tipepereket nangkeup indungna.

OEDIPUS

Kénging Ima Komala Dewi
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 13:25:18

Leumpang dikawal aleutan prajurit, dipapag pangbagéa umpalan rahayat Thebes.
"Bancang pakewuh." perwira di beulah kénca ngajelaskeun. "Raja lunta ninggalkeun ratu jeung rahayat nu katalangsara." Ukur bisa unggeuk bari seuri maur.
Enya, panan kuring kadieu téh satadina mah lah-lahan. Kuring. Oedipus putra Polybus. Lunta lantaran embung nyilakakeun bapa sorangan. Ari datang kadieu jadi pahlawan.
Padahal pikeun kuring mah naon héséna da ti bubudak gé remen tatarucingan jeung babaturan. Matak basa disanghareupkeun jeung Sphinx kuring tatag ngajawab: manusa.
Teu nyangka sacongo buuk mun jawaban éta jadi jalan salametna nagara.
"Dihaturanan. Ratu palay nganuhunkeun kana bantosan salira."
Gerbang dibuka bareng jeung mencrongna ratusan pasang mata.
Reg.
Ratu Jocasta, singgasana emas, jubah perak, rambut galing muntang, makuta gumubyar ngahibaran raray nu geulis taya bandinganana.
Raray nu satia datang kana tiap impian. Piligenti jeung gambaran anjing jalu kameumeut. Henteu sirna najan mangtaun-taun dibawa lunta mapayan benua, meuntasan sagara.
Cimata nyelek kana dada.
"Dayang Sumbi?!"

POST POWER SYNDROME

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 09:25:24

“Pa Usép, diantos ku Pa Engkos. Sakedap saurna.” Panjaga sakola ngelol tina lawang panto.
Pa Engkos pangawas manten. Telik pisan lamun mariksa. Geus pangsiun gé angger wéh sok ka sakola, nganteur incu alesanana mah.
Bener wéh geus ngajega hareupeun ruang guru.
Usép nyolongkrong ngajak sasalaman, “Mangga di lebet atuh, Pa. Aya peryogi naon?”
Asa teu puguh ngobrol di luar, jaba récét barudak kelas genep keur olah raga.
Pa Engkos teu maliré, “Kieu nya, ieu mah ngabéjaan. Ari ngelés ulah sok méré soal keur ulangan. Teu meunang!”
Kaharti ayeuna mah. Ulangan matématika Si Dika, incuna, ukur meunang 45.
“Ké, naha Bapa beut gaduh sangkian kitu?” Usép kerung.
“Enya, loba nu ngaromong. Cenah nu ngiluan elés mah niléi ulanganana aralus waé!” Bari popolotot.
“Paralun teuing Pa. Demi Alloh, abdi mah tara kitu. Abdi gé terang kana aturan!” Usép teu narima.
“Teu kudu ngangles lah, geus kabuktian. Déwék gé lila ngawas di lokasi ieu, geus nyaho modalna guru-guru di dieu mah!” Curukna tutunjuk.
“Cemés...cemés...!” Barudak éak-éakan.
Hiuk. Jebréd. Bal poli nenggel pisan kanu punduk Pa Engkos. Koléang awakna ngajurahroh.

NGIUHAN

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 09:04:17

Langit angkeb. Hujan ngagebrét. Angin nyéah. Tapi, kuring bayengyang. Haté ngahéab. Jajantung ratug tutunggulan. Kuring galécok dina riungan di hiji warung, seuseurian. Nu puguh mah haté nu samar polah. Norowéco. Hujan angin ringkid mamawa balik deui konci implengan nu cik kénéh hasil dibelewerkeun ka jauhna.
Sora manéhna ngagalindeng kinkin, ngélékéték haté. Geus rada lila, hujan angin ngarootan. Manéhna diajak mulang ku garwana. Duh, sapayung berdua dina hujan nu ngaririntik. Aya nu ngagorowok ti jauhna, tina haté.
“Mbu…!” budak kuring jeung bapana mapagkeun.

MUN HAYANG NEPAK DADA

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2013 06:44:27

Nu wiridan sirahna képlok. Édég. Gudag-gigeug. Sakapeung nepak tarang satakerna. Jelebét! Lila pisan kituna téh. Cimatana caah maseuhan sajadahna. Masigit nu ukuranna alit, ngarieg. Panasaran. Disampeurkeun sabada wiridanana wekasan.

Harita pas ‘na wanci sapertilu peuting.
Solongkrong. Ditoél. Ngalieuk. Gep! Sasalaman dioyag-oyag.
“Tiasa tumaros?”
“Heug!”
“Dina wiridan salira bet aya dua tepak. Maksadna?”
“Mémang teu dicontokeun ku Rosul, ngan ieu mah gaya kuring baé sangkan husu bisa manteng!”
“Dupi maksadna nu dua tepak téa?”
“Kieu...!” silana dimadepkeun ka kuring. Tuluy neuteup seukeut, “Dua hal! Aku sing daria! Pikirkeun sing anteb! Pék ngeunteung! Terus bandingkeun! Poékan mana lalakon urang jeung petengna peuting?”
“Maksadna?”
“Dina ngigelan panggung kahirupan tepak urang lolobana ukur tepak toél. Arotél bari poho yén sagala lalakon keur dirékam ku tustél.”