Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Oktober 2013 (18 Naskah)


KATAMBIAS (3)

Kénging Nana Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 22:59:12

“PURNAMA nu kungsi leungit, ayeuna nganjang ka buruan deui….” Lalaki kuru gumalindeng. Tatanggahan. Mapay-mapay léngkah mangsa. Ngotéktak cahaya bulan bari ngajijingjing kingkin nu karahaan. Ti taun ka taun. Ti purnama ka purnama. Reg, lebah mumunggang. Beungeutna beuki haropak. Tingarudat kahanjakal jadi céda-céda héwa. “Antéh… dagoan!” pokna basa kalong kumalayang ngaringkangan.
“Anu kungsi kapiati kiwari urang ditepangkeun deui….” Lalaki kuru ngajegoh batuk. Peureup neueul kana igana nu ragas. Ramo-ramona mingkin pageuh ngeukeuweuk samoja garing, meunang metik tina huluwotan tresna. Beuki pageuh muntangan rasa nu satia ngingitung waktu. Panonna hurung nyuay-nyuay udat méga. Komolébat deui mamanis imut jungjunan. “Anteh…!” Sorana beuki haroshos.
“Hariring nu kungsi nyanding, ayeuna datang ngahaleuang deui….” Purnama angger rambisak. Ngintip, ngungun tina satukangeun rérégan méga. Rémpan ringrang ku nu teu weleh humariring. Lalaki kuru nangtungna mancuh. Sirahna dangah. Leungeunna ranggah. Panonna beuki burahay hayang ngarunjang jungjunan nu calik dina balé-balé bulan. Cungungung. Ngalanglaung, niruk peuting. Reup, purnama peureum.**

LODAYA (3)

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 21:53:25

Hawa bayeungyang. Haroréam lunta. Tirilik, SMS. Tugas ngaliput, gladi bersih Kirab Pawiwahan Agung Karaton Ngayogyakarta. Clak. Motor lawas C50, ngadédod norobos morérétna panonpoé.
Janur melengkung. Umbul-umbul ngerab-ngerab. Kekembangan mapaésan Keben Karaton.
Nu lalajo tumplek. Pagelek-gelek. Heurin usik! Gamelan ngalagu dhayung. Ngungkung. Mirig Prajurit Lombok Abang. Tukangeun. Panari Lawung, baris nunggang kuda wedalan Bandung.
Geuleuyeung, karéta Kangjeng Kyai Jongwiyat. Diancokeun, anggoeun pangantén sakalih.
Panas beuki nyongkab, asa dirérab. Jéréhém! Hiem! Dumadak, dupuluh-genep kuda Parongpong, sésépak! Tétéjéh! Ajol-ajolan. Kusir kawalahan. Kék, elésan ditarik. Luput. Jungkel! Awak Kuring kapangpéngkeun.
“Jaran ngamuk! Jaran ngamuk! Nyisih, mlayu rono, ngadoh!” Buriak. Paburisat!
Leungeun ngusap patrem. Gaur! Jleg. Lodaya dangongna teuneung. Jrut. Langgéor, Putri geulis mesat kujang. Dikeleterkeun. Angin rintih ngahiliwir. Nyelecep. Koléar ngidung. Galindengna halimpu, ngaliuhkeun rasa. Kasirep! Nu ngamuk éléh jajatén. Balaréa ngembang kadu.
“Sing hadé gawé, tong mantangul!” Rémana ngusapan tonggong kuda hiji-hiji. Les. Ngahiang. Ngantunkeun dalingding wangi kasturi.

PILIHAN KATILU

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 21:22:21

Ceurik ngagukguk dina taktak. Panon kénca nepi kana pipi, geuneuk ngageblég. Biwirna rada jeding, tadi katingali leumpangna rada pinced. Kajadian nu teuing kasabaraha kalina. Arrrggh! Mun kongang hayang kumaha da, ka bebengok salakina!
Ukur wasa ngusapan tonggongna. Manéhna rada muringis. Emh…pasti bohak atawa geuneuk ogé dina tonggongna téh.
“Urang geus teu kuat, Cin. Teu kuu…aat!” Ngomongna pegat-pegat.
“Tapi urang teu bisa! Karunya barudak…” Pokna deui.
Teu bisa kukumaha ari geus kitu mah, da puguh kaputusan aya di dirina sorangan. Pilihan ngan ukur dua, ngejat atawa ngantep manéh. Masing-masing aya résikona.
“Urang hayang siga manéh, Cin!” Pepedut ngalimpudan hihideung panonna. “Teger jeung wanian.”
Seuri maur, haté ngagerentes, “Entong, Rah!”
Sawatara jongjongan ukur pahuleng-huleng. Manéhna cengkat lalaunan bari pupuringisan. Ngabalieur, teu wasa ningalina! Méméh ngaléos, leungeun ngeupeulkeun bungkusan leutik. “Lamun manéh geus teu kuat pisan!” Ngaharéwos. Manéhna ngaheunggeu, tapi tuluy unggeuk lalaunan. Sorot panonna siga nu ngumpulkeun kayakinan.

JURIG NA HP

Kénging Nandang Sofyan Priatna
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 20:40:15

Saacana dipupus ngaran na kontak hp, iseng di miskol; téééttt... " Hah! na aktif?" reuwas gancang di tutup. Hp malik disada, breh " UDIN " ngaran tatangga nu geus euweuh maot ka tabrak karéta waktu meuntas bari nelepon sabulan ka tukang.
hp nu keur disada gancang di tutup. " Tisaha Pah?" pamajikanna nanya. Can dijawab, hp disada deui." Kalahka ngahuleng, angkat gandeng!" " Yeuh Mah tingal geura?" " Hah! mang Udin?" hp nu karék ditampanan di balangkeun. Brak! pray...hp peupeus amaraya pinuh ku getih tapi tetep disada.Kuring jeun pamajikan ngaharuleng.

WAYAHNA

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 20:25:25

Bagja boga pamajikan ka Sonya téh. Sholéh, ceuk sasaha gé geulis jaba daréhdéh akuan, ka saha waé teu weléh soméah. Unggal sabtu ngawuruk di pangajian ibu-ibu. Jadi pamujian balaréa. Irung teu weléh rebéh mun ngagondéng ingkang garwa. Asa pang'akangna. Kasatiaanana, kanyaahna kacintana taya duana. Duriat nu hamo paragat sanajan jagat kiamat. Kitu haréswosna mun keus sosonoan.
Kitu ogé kecap-kecap kuring ka manéhna. Unggal poé ogé... Unggal sosonoan ogé. Ngan poé ayeuna kaémbohan ku kecap...,
"Eulis, junjunan panutan qolbu. Wayahna..., wayahna diwayuh...."

GALINDENG CIHUJAN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 20:03:53

Balik sakola huhujanan jeung Nana. Silih simbeuh cileuncang, sosorodotan, silanglang dina cucurugan.
"Si Hani mah, malaweung kawas bapana!"
Ema jamedud. Lanceuk duanana cacaleuhakan dahar.
Ngahodhod di luar. Nana ngaranggeum leungeun. Biwirna geunteul kabulusan.

Ngaririncik. Ngiuhan di émpér toko buku jeung Nana. Jakétna diudar, dipakékeun ka kuring.
"Anggo...tiris"
Aya nu béda dina teuteupna.
Celengok ngabongohan.
"Geulis, tapi wedakna kandel teuing...."
Jeletot nyiwit.
"Geus begér si Hani mah, dangdan camerok siga dayang."
Kapireng ceuk Ema tadi beurang.

Hujan ngagebrét kawas dicicikeun ti langit.
"Belegug sia ublag! Naha lain nginum pél kabé!"
Jelebét. Pecut nyamber awak. Tinggaralang.
"Kaditu mantog!"
Ngajolongjong kana leutak. Lamokot. Tapi leuwih lamokot angkara di imah tempat pialang ngalajur napsu. Kalangsu.

Girimis pabuburit. Déwi anteng di téras.
"Asik aya Um Nana....!"
Ajrag-ajragan. Ranggah.
"Mamah...wios nya Um janten Papah Éwi?"
Panonna mencrong. Polos.
Nana meureudeuy. Celengok nyium budak. Katumbiri melengkung nutug taman haté. Kembang ligar nyambuang sapakarangan.

GALINDENG CIHUJAN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 20:02:23

Balik sakola huhujanan jeung Nana. Silih simbeuh cileuncang, sosorodotan, silanglang dina cucurugan.
"Si Hani mah, malaweung kawas bapana!"
Ema jamedud. Lanceuk duanana cacaleuhakan dahar.
Ngahodhod di luar. Nana ngaranggeum leungeun. Biwirna geunteul kabulusan.

Ngaririncik. Ngiuhan di émpér toko buku jeung Nana. Jakétna diudar, dipakékeun ka kuring.
"Anggo...tiris"
Aya nu béda dina teuteupna.
Celengok ngabongohan.
"Geulis, tapi wedakna kandel teuing...."
Jeletot nyiwit.
"Geus begér si Hani mah, dangdan camerok siga dayang."
Kapireng ceuk Ema tadi beurang.
Hujan ngagebrét kawas dicicikeun ti langit.
"Belegug sia ublag! Naha lain nginum pél kabé!"
Jelebét. Pecut nyamber awak. Tinggaralang.
"Kaditu mantog!"
Ngajolongjong kana leutak. Lamokot. Tapi leuwih lamokot angkara di imah tempat pialang ngalajur napsu. Kalangsu.

Girimis pabuburit. Déwi anteng di téras.
"Asik aya Um Nana....!"
Ajrag-ajragan. Ranggah.
"Mamah...wios nya Um janten Papah Éwi?"
Panonna mencrong. Polos.
Nana meureudeuy. Celengok nyium budak. Katumbiri melengkung nutug taman haté. Kembang ligar nyambuang sapakarangan.

GALINDENG CIHUJAN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 20:02:20

Balik sakola huhujanan jeung Nana. Silih simbeuh cileuncang, sosorodotan, silanglang dina cucurugan.
"Si Hani mah, malaweung kawas bapana!"
Ema jamedud. Lanceuk duanana cacaleuhakan dahar.
Ngahodhod di luar. Nana ngaranggeum leungeun. Biwirna geunteul kabulusan.

Ngaririncik. Ngiuhan di émpér toko buku jeung Nana. Jakétna diudar, dipakékeun ka kuring.
"Anggo...tiris"
Aya nu béda dina teuteupna.
Celengok ngabongohan.
"Geulis, tapi wedakna kandel teuing...."
Jeletot nyiwit.
"Geus begér si Hani mah, dangdan camerok siga dayang."
Kapireng ceuk Ema tadi beurang.
Hujan ngagebrét kawas dicicikeun ti langit.
"Belegug sia ublag! Naha lain nginum pél kabé!"
Jelebét. Pecut nyamber awak. Tinggaralang.
"Kaditu mantog!"
Ngajolongjong kana leutak. Lamokot. Tapi leuwih lamokot angkara di imah tempat pialang ngalajur napsu. Kalangsu.

Girimis pabuburit. Déwi anteng di téras.
"Asik aya Um Nana....!"
Ajrag-ajragan. Ranggah.
"Mamah...wios nya Um janten Papah Éwi?"
Panonna mencrong. Polos.
Nana meureudeuy. Celengok nyium budak. Katumbiri melengkung nutug taman haté. Kembang ligar nyambuang sapakarangan.

KAHAYANG UKUR LAMUNAN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 18:36:27

Sok asa kapiring leutik. Isin ku ngarumaoskeun. Aya rasa nyaliara, rasa nyaah lain wayah.
Mun pareng paadu teuteup. Tepang raray jeung salira. Liwung manah kapigandrung, kapicangcam siang wengi. Rék waléh ngahurang sawah. Kapimeumeut dina ati.
Ku hoyong tiasa poho, nyieuhkeun rasa kadeudeuh, narekab keuna mamaras, kumaha nyinglarkeunana. Basa pataréma rasa, kagambar dina socana, kagurat atrana trésna. Urang duaan kasmaran.
Aya galindengna asih , ngawirahma jero dada, sugan téh ukur lamunan, geuning aya na pangkonan.
Ligarna kembang harepan. Lain ukur babasaan. Mawar bodas mikahéman, sanés mung dina impénan.
Engkang seja rék gumati. Rék miasih salawasna. Najan sesah pamundutna.
Naon waé nu diseja, ku engkang moal dipungpang. Sok sanaos kedah sabar. Ngantos waktos nu mustari.
Sanés mung saukur jangji , sab geuning kudu tarapti. Haté engkang marojéngja, da engkang mungguh teu wasa, ngarumpaka pupulihna, kumaha teuing peurihna, mun pun engkang enggal wakca.
Neda ijin ti Aceukna.

MILIH PAMINGPIN

Kénging Ocit Abdurrosyid Siddiq
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 15:29:55

Versi Sunda-Banten

Wanci isuk. Gurimis. Paroek keneh. Geus ngajentul di saung surabi Bi Urbah. Bari nangguan asak surabi, siduru hareupeun hau. Lumayan, awak karasa rada haneut. Torojol datang si Kejoy. Bari mawa gula beureum, jeung kopi dua gelas. “Titadi aing nangguan, kamana heula kitu dia?”, Sakim nanya ka nu karak datang bari nyokot gelas anu diangseuhkeun ku baturna. “Hampura aing rada telat. Biasa, nyiar sampo heula jang siwuwung”, Kejoy nembal semu isin. “Ja ieu mah malem saptu? Kaur bae dia mah!”, Sakim nanya. “Nyaho sorangan pan dia. Engke beurang aing kudu turun. Ngaes 7 poe di laut. Jadi jang aing mah malem Jumah eta sunahan teu laku. Ari aing mah kumaha kaurna bae”, Kejoy nembal bari ngahuapkeun surabi. Jigana perkara maehan yahudi tea.
“Pan kadeuleuna dia kuprut jasa?”, Kejoy malik nanya pedah kadeuleu Sakim rada lalungse. “Tunduh aing. Keur peuting nongton tipi. Neuleu eta para inohong ngadu bako. Lalieur ngadengena. Kabeh hayang jadi pamingpin. Teu kabayang ku aing kumaha jadina”, Sakim katempo rada serius. “Ari kitu kumaha?”, Kejoy panasaran, bari ngahuapkeun surabi, nangguan jawaban ti baturna, sabab nyaho manehna, najan baturna eta rada polongo, tapi dina hal meunteun jelema mah sok rada kaharti.
Sakim eta lain pengamat, tapi manehna boga kabisa nebak perkiraan politik. Politik tingkat kampung sigana mah. Mun ditanggap perihal eta, otakna rada encer. “Lamun Prabowo nyalon persiden kiwari, sigana bakal loba anu milih batan Wiranto nyah?”, Sakim mimitian serius. “Tapi lamun Jokowi jadi nyalon, leuwih hade nu lain ceuk aing mah ulah nyalon. Bangka. Ngan kana miceunan duit bae. Moal meunang”, Sakim makin serius. “Laju?”, Kejoy panasaran, bari ngahuapkeun surabi. Geus tilu siki.
“Jokowi eta deukeut jeung rahayat. Bener-bener deukeut. Lain dijijieun. Manehna mah ngarasakeun kana kasusah rahayat”, suruput kopi dina gelas diuyup. “Pan teu milih Megawati?”, Kejoy panasaran bari ngahuapkeun deui bae surabi ka opat. “Rahayat justru bakal leuwih ngahormat ka Megawati lamun teu nyalon deui. Mending nyalonkeun Jokowi”, Sakim bari ngaletak tungtung gelas. “Pan lain Aburizal?”, Tanya Kejoy bari leg ngahuap deui bae. Geus lima. “Sieun kakeueum leutak”, Sakim ngajawab sakenana. Sigana kana leutak anu nyembur di wetan tea. “Lamun Jusup Kalla?”, Kejoy nanya bari neleg surabi. Kadeuleu tikorona rada beukah. “Jusup Kalla mah jelema pinter. Tapi sigana leuwih cocok dagang bae anu eta mah”, bari nempo sair wadah surabi asak. Melengek, manehna tacan kaur nyokot surabi kadua. “Lamun Jokowi jadi persiden, berarti gubernurna si Ahok ten yah?”, Kejoy mulai ngarti. Tapi kwari mah teu bari ngahuapkeun surabi. Sabab Bi Urbah karak ngomekeun adonan dina baskom. “Si Ahok mah sabenerna mah leuwih cocok jadi Kapolri. Sabab si eta mah teges jasa jelemana”, ceuk Sakim bari keom. Sigana ngarasa salut. Sanajan “encek” tapi bisa nangtung.
Manehna nambahan, “Aya bagusna oge, Jokowi jadi persiden, si Ahok naek jadi gubernur supaya kabijakan pusat jeung Jakarta nyiku. Jokowi jadi RI 1, Ahok DKI 1. Klop. Ahok tetep jadi wakil Jokowi jang ngurusan Jakarta”, Sakim tambah kerung tarangna, cirining keur serius. Mata si Kejoy mah kana sair bae, nangguan asak surabi.
Naon anu diomongkeun Sakim eta sabenerna mah lain penelitian ilmiah. Anu kudu diuji bener-henteuna. Ngan cacahan isuk harita ngabuktikeun, yen sanajan pemilihan perdisen masih salapan bulan keneh, tapi rahayat geus bisa mere nilai kana calonna.
Perkembangan politik anu kiwari aya di Jakarta dina raraga pemilu 2014 memang sejen jeung pemilu samemehna. Ayana Jokowi jeung Basuki -Ahok tea- anu ngajadikeun sejen. Lamun Jokowi dicalonkeun dina pemilu persiden 2014, pasti nimbulkeun atawa ngageser kakuasaan di Jakarta. Ahok anu kiwari jadi wakil gubernur bisa naek jadi gubernur. DPRD DKI geh kudu milih wakil gubernur anyar.
Kaayaan kieu lantaran loba surpey anu nyimpulkeun “elektabilitas” atawa tingkat katerpilihan Jokowi jauh ninggalkeun calon anu lain. PDIP, partaina Jokowi, sanajan tacan ngabewarakeun Jokowi anu bakal dicalonkeun jang persiden, tapi geus katempo kaciri. Komo basa Megawati anu ketua umum, nunjuk manehna maca tulisan Sukarno nu judulna Dedication of Life di hareupeun porum Rapimnas harita.
Akibat tina pencalonan Jokowi pasti nimbulkeun goncangan politik satempat di Jakarta anu pasti oge akibatna kana politik tingkat nasional. Ieu anu nyieun pemilu 2014 leuwih ear batan pemilu samemehna.
Sampe pemilu legislatip tahun hareup, tanggal 9 April 2014, bisa jadi partai-partai moal waka netepkeun calon persidenna. Pemilu calon persiden deuk diayakeuna tanggal 9 Juli 2014. Partai-partai mungkin karak wani netepkeun calon persidenna sanggeus hasil pemilu legislatip ditetepkeun, tanggal 6-9 Mei 2014.
Nepi kiwari, KPU tacan nangtukeun jadual iraha pendaptaran calon persiden dibuka. Ngan, lamun nempo kana pemilu 2009, pendaptaran dibuka dona 10-16 Mei 2009. Lantaran waktu pendaptarana sakeudeung, partaina Jokowi bisa jadi netepkeuna leuwih awal. Lantaran Jokowi masih keneh ngajabat gubernur DKI, maranehna kudu taki-taki nyanghareupan dinamika politik anu mungkin dimaenkeun ku DPRD DKI.
Jang ngagagalkeun pencalonan Jokowi, saha nu deuk ngajamin lamun anggota DPRD DKI ngahalangan. Komo, praksi PDIP ngan saeutik jumlah anggota dewana, ngan boga 11 korsi tina total 94 korsi. Korsi pang lobaan boga praksi Demokrat 32 korsi. Nu kadua PKS 18 korsi. Ti dinya karak praksi nu lain; Golkar 7, PPP 7, Gerindra 6, PAN, Hanura, jeung PDS 4, jeung PKB 1.
Peijanto, wakil gubernur DKI di jaman Pauji Bowo, pernah ngalaman. Manehna pernah deuk mundur tina jabatanna, ngan dihalangan ku DPRD. Anu akhirna, DPRD jadi nolak. Lamun ieu kajadian nimpa kana Jokowi, bisa jadi ngaganjel kana pamaksadan manehna.
Lain halna lamun Jokowi uereun jadi gubernur DKI, lain mundur siga Prijanto. DPRD teu bisa ngahalangan lantaran teu kudu nangguan panyatuju ti DPRD.
Undang-Undang No 32 Tahun 2004 perihal Pemerintahan Daerah Pasal 29 Ayat (3) nyebutkeun, kepala daerah jeung wakil kepala daerah bisa eureun lamun Ayat (1) hurup a paeh, hurup b menta sorangan, Ayat (2) hurup a beak wancina, hurup b teu bisa ngajalankeun tuga 6 bulan lilana. Hartina, moal bisa DPRD ngahalangan Jokowi lamun deuk mundur.
Perkara lain anu bisa jadi aya nyaeta lamun persiden pipilueun. UU No 42/2008 ihwal Pemilu Persiden, Pasal 7 ditulis, gubernur, wakil gubernur, bupati, wakil bupati, walikota, wakil walikota, nu arek dicalonkeun ku partai atawa gabungan partai jang jadi calon persiden atawa wakil persiden, kudu menta ijin heula ka persiden. Tah ieu anu kerok. Sabab, Persiden SBY, anu oge Ketua Umum Partai Demokrat geh boga calon persiden, anu bisa jadi saingan Jokowi.
Salain ti eta, akibat tina Jokowi nyalon persiden, maka Ahok bisa ngagentian jadi gubernur. Saha anu nyangka, sebab bisa jadi lawan politikna ngahalangan, diantarana make alesan sara tea –kupedah encek tea- saperti waktu pernah kajadian basa pilkada DKI tea.
Tah lamun kieu, tinggal Gerindra anu lieur. Kerok, deuk ngabela Basuki anu kader Gerindra, sementara oge kudu ngalancarkeun niatan Prabowo nu hayang jadi persiden. Ari lawan beuratna, Jokowi tea.
Perkara lain lamun Gerindra teu boga tiket jang nyalonkeun Prabowo jadi persiden, lantaran korsi di legislatip teu kadug nepi ka 20%, jeung euweuh dukungan ti partai lain. Lamun kajadian keiu, saha anu deuk nyangka lamun Gerindra pada akhirna masangkeun deui bae antara Jokowi jeung Basuki jang calon persiden. Lamun kieu, maka DKI kudu ngayakeun pilkada ulang sarengsena pemilu persiden. Sabab, UU No 32/2004 Pasa 35 Ayat (3), nyebutkeun kira-kira kieu, “Lamun aya pingpinan daerah jeung wakil pingpinan daerah anu eureun atawa dieureunkeun babarengan dina wanci jumeneng, rapat paripurna DPRD mutuskeun jeung nugaskeun KPUD jang ngayakeun pemilihan pamingpin jeung wakil pamingpin daerah paling lila 6 bulan ti saprak ditetapkeunna penjabat pamingpin daerah sementawis”.
Tah, lamun Jokowi nyalon persiden, pan manehna eureun jadi gubernur Jakarta. Gantina Basuki naek jadi gubernur Jakarta. Posisi wakil gubernur kosong. Ieu kudu dieusi. Ngeusina teu gampang. Sabab kieu yeuh.
UU No 32/2004 Pasal 35 Ayat (2) nyebutkeun “Lamun kajadian kosong jabatan wakil pamingpin daerah anu jabatanna tangeh keneh, leuwih ti 18 bulan, maka pamingpin daerah kudu ngusulkeun dua calon wakil pamingpin daerah jang dipilih dina rapat paripurna DPRD, tina usul partai atawa gabungan partai anu pasangan calonna kapilih dina pemilihan pamingpin jeung wakil pamigpin daerah”. Lieur nyah. Maksudna kieu yeuh.
Basuki jadi gubernur. Manehna kudu ngusulkeun 2 jelema jang jadi wakilna. Engke dipilih ku DPRD. Anu ngusulkeun Partai Gerindra jeung PDIP. Pan eta 2 partai anu nyalonkeun baheula maranehanana; Jokowi jeung Basuki. Kilang kitu geh, lamun inget kata fatsun –rumasa jeung sopan santun- politik, calon wakil gubernur mah kuduna jadi jatah PDIP, lantaran ngagentian Jokowi. Tapi bisa jadi Gerindra hawek hayang kabeh. Hal ieu bisa jadi, lamun aya pasilisihan antara PDIP jeung Gerindra akibat geus teu sajalan dina raraga pemilihan persiden 2014.
Lamun kitu jadina, lain teu mungkin 2 partai ieu siling rebut haying nempatkeun jelmana di posisi DKI 2, nyaeta wakil gubernur. Gerindra pasti bebeakan ngadeukeutan ka 94 anggota DPRD, ambeh ngadukung calon wakil gubernur anu diangseuhkeun partaina batan calon anu diojok-ojok ku PDIP. Lamun kitu, bis jadi jabatan wakil gubernur bisa dicekel ku Gerindra. Bahkan pemilihanana bis jadi sageurana kiwari.
Tapi sabalikna, bisa jadi PDIP geh bakal bebeakan nyekel posisi wakil gubernur anu kudu dieusi ku jelmana, sabab dianggapna eta jatah gaganti Jokowi anu PDIP. Carana, wanci pemilihan wakil gubernur dipundurkeun, supaya anu milihna nyaeta anggota dewan hasil pemilihan legislatip 2014. Alesanna, PDIP rada gede hate nempo kondisi ayeuna, sigana bakal loba anu milih partaina. Lamun loba anu milih, loba oge wakilna di DPRD. Lamun anggota DPRD na loba ti PDIP, maka dina wanci milih wakil gubernur leuwih aman. Bakal meunang.
Nempo sakitu pasuriwetna, maka para inohong partai kudu ati-ati. Naon tah maranehanana rek ngadenge kahayang rahayat jeung bisa ngerem napsuna jang ngaraih kakawasaan? Bisa oge sabalikna, nutup ceuli nutup mata, nu penting meunang. Rahayat mah sabodo.
“Bi, aing mesen 7 surabi. Pan ngan ngakan 1?” Sakim nanya ka Bi Urbah. “Tuh nu 6 beak didahar si Kejoy!”, tembal Bi Urbah bari nageunkeun adonan. “Kejoooooy… polongo dia!”.

MATA ELANG

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 12:55:43

Jam genep isuk nepi ka markas. Geus nyampak komandan, Bang Prédi. “Gancang Brow, kaburu malabur mantén buronan téh!” Panonna angger waspada, gular-gilir siga nu keur lalajo pingpong, ngawaskeun kandaraan nu lalar liwat. Beungeutna sangar, awak jangkung badag, hideung lestreng. Asli Timor.
Gék diuk gigireunana. Kusiwel ngaluarkeun buku notés. Ngilikan catetan sakeudeung, tuluy nurutan Bang Prédi, molototan patali marga nu mimiti ramé. Teu lila jul-jol rékan kerja daratang, kumplit ayeuna mah pasukan téh, dalapanan. Diuk ngariung dina naon wéh, nu bisa dipaké diuk.
“Pario hideung, 4880 euy… Capcus, Brow!” Bang Prédi ngajorowok.
Kuring sapasukan geuwat nyetater motor. Biur, ngudag targét. Serebet, teu samenit-menit acan, kuring geus bisa miheulaan pario hideung téa. Targét kapépét, terus ngalaunan. Reg eureun. Kakepung.
“Minta waktunya sebentar, Pak!” Bang Prédi rék nyabut konci pario.
“Aya naon ieu téh? Kumawani siah ngahalangan aing!” Targét teu éléh galak.
“Maaf Pak, cicilan motor ini sudah nunggak tiga bulan!” Bang Prédi tutunjuk.
Ragamang, leungeun targét ngodok ka jero jékét kulitna. Péstol di acung-acung.
“Geus teu baretah hirup sia teh!”
Jedor jedor... Pélor ngabelesat kana dada. Pasukan patingkocéak

KIAMAT

Kénging Atang Soeryana
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 12:23:36

Solat Subuh téh sok ngahaja di tajug nu rada anggang ti imah, sakalian olah raga. Jamaahna rada euyeub najan kalolobaanna aki aki jeung pangsiunan. Imamna faséhat, maca surat rada panjang gé teu matak nundutan. Ngan nyakitu mindeng poho, sakapeung mah sok meuntas, mimitina surat Al A’laa tungtungna surat As Syams, mimitina surat Infitor tungtungna surat Insyiqoq.
Hiji waktu. Rokaat kahiji. Ba’da Fatihah, Surat Nazi’at, nepi ka ayat 8 eureun. Poho. Sajongjongan simpé. Celengkeung sora budak ngalempengkeun. Lancar deui. Rokaat kadua. Surat Muthaffifin, nepi ka ayat 11 kitu deui, celengkeung deui. Junun nepika tungtung.
Ba’da salam. Jamaah ngaralieuk ka éta budak, saurang nanya “Putra saha Cép, kelas sabaraha?.” “Abdi putuna aki Misna, kelas 3 SD.” Pokna. Tingkélémés aréraeun. Teu lila aya nu ngabarakatak “Haha... uing teu tulus éra euy!” “Naha?” Ceuk balaréa méh bareng. “Heueuh da surat nu bieu mah si Misna gé teu apaleun.” Ceuk mang Sartang bari ngaléos.

IH

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 10:57:00

“Auk...! Gog! Gog,,” jiga sora anjing ngagogog.
“Hung...! Hung...! Hung...! Ngahiung, duka sora naon maksudna.
“Satu, dua, tiga,” nu mapatahan.
“Satu..., dua..., tiga...,” nu nurutan.
“Ah.... Diam atuh, tong nyiwitan sajah. Sakit ih!” Aya anu ngajerit.
“Aw...!” Aya deui anu ngagéréwék. Budak awéwé, nu ngaranna Andini, ka luar rohangan, nyampeurkeun bari pok, “Mommy-nya Abang Mahésa, Abang Mahésa nékéan abdi. Sakit déh,” jeba-jebi, aleman, lucu. Kapaksa asup ka rohangan. Permisi ka Bu guru. Nyampeurkeun Mahésa, ngolo supaya daék ménta dihampura. Sasalaman jeung Andini. Andini masih baeud.
“Senyum atuh, biar tambih geulis,” cekéng téh. Andini jeung Mahésa silih rérét. Pating belenyéh. Pacantél cingir. Kuring ka luar. Karék ogé gék, “Mom..., jajan...! Jajan...! Gogorowokan bari nakolan kaca. Api-api teu kadéngé.

NYANDU

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 09:20:47

Sapoé, dua poé asa teu dirasa kanyeri téh. Dianggap ukur kacapéan engké gé leungit sorangan, ceuk pikir. Euweuh nu apal mun kuring keur haréeég. Embung katempo ogoan, kuring anger lumampah sakumaha biasana. Ayeuna geus nincak dua minggu. Kuring teu sanggup deui nutupan kaayaan. Antukna balaka ka indung budak. Saheulaanan moal waka gawé. Hiburan ukur nyoo rémot tipi sajeroning kuring ngaringkuk. “Cuang ka dokter atuh nya Pa!” Pamajikan ngaharéwos bari menerkeun bantal kuring. Najan horéam, éléh géléng. Pabeubeurang poe harita kénéh kuring indit tatamba. Ukur ngalempréh dina ranjang ruang prakték. “Hanya perlu istirahat aja sepertinya!” Ceuk dokter. “Kumaha pami dirontgen saja Dok, takut ada penyakit dalem?” Pamajikan nyanyahoanan. “Baiklah nanti saya kasih rujukannya.” Témbal dokter bari gutret nulis. Dua poé ti harita, kuirng balik deui. Dokter katempo kerung bari melong foto rontgen. “Pangnyérpiskeun léptop papah wé!” Ceuk kuring ka pamajikan, basa karérét hasil rontgen téh pinuh ku rupa-rupa judul fikmin.

PAMALI (1)

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 09:11:21

Tilu puluh salapan taun umurna. Enung masih kénéh lalagasan. Unggal rék pruk kawin, sok ngadadak bolay waé.
Mang Juha jeung Bi Jumsih satékah polah ngabantu. Enung angger hésé jodona. Ukur kembangna. Nu ngalamar marulang deui. Ajengan, dukun, jeung paranormal pernah dipéntaan tulung. Ngeplos kabéh. Garideug, teu sanggupeun nulungan.
Dosa naon atuh aing téh, gerentes haté Enung. Ingetanna kumalayang ka mangsa tukang. Unggal réngkakna diputer deui. Kapanggih.
"Diuk téh ulah bari ngahalangan jalan!" ceuk Bi Jumsih. "Indung téh meni céréwéd," laju ngajéngkat. "Nyai, pamali éta téh," indungna ngélingan. "Ah, paduli teuing!" jawabna.
Lila ngahuleng. Aing kudu ménta hampura ka indung, haténa norowéco. Wanci isa karék bérés pagawéanana. Aya harepan di jero dadana. Ngagedig balik. Gilig rék ménta dihampura ka indungna.
Pakarangan imah asa hégar. Anéh. Nyambuang seuseungitan duka ti mana datangna. Tatangkalan pating garupay, ngabagéakeun. Oray siluman nu salila ieu napel dina tonggongna lalaunan ngoléséd, ngereles.

PRIBADI

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 08:48:06

Dipikasérab ku balaréa. Pada mikahayang. Ngabélaan paséa, basilat samalah nepi ka silihala nyawa. Tanpa kapribadian jalma mo aya hargana. Ukur kurungan nu mapaésan raga. Teu leuwih teu kurang.

Bibilintik. Itikurih. Dikempal-kempil. Kuru cileuh kentél peujit malahmandar ngabukti, ngajadi jeung kapimilik sagemblengna. Banda tatalang raga nu dipiharep ku kadang warga pada umumna.

Gapura dibuka. Bréh imah pribadi. Asup. Nyampak di garasi, mobil pribadi. Di jero imah ngaleuyah ku parabotan méwah nu sarwa pribadi. Terus ditambahan taya bosenna, nyumponan kahayang nu teu kawates bates.

Reg! Eureun. Dipegat patalékan jeroeun dada, “Nang ti mana jeung rék di ka manakeun banda téh?” Ngabigeu. Geuwat ngaganti ngaran, ti pribadi jadi personal. Sangkan teu katempuhan. Angger teu bisa méngpar. Bati hanjelu basa nénjo batur, nu kungsi béréhan ka sasama. Najan saciwit séwang.

TÉSTING CPNS

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 07:51:18

Titi ringkid ku buku. Karandel. Puasa senén kemis taya nu kaliwat. Unggal jalma nu sarwa rék milu tésting kabéh katanyaan kisi-kisi soal jeung informasi. Satumpuk rumus padedet na utekna. Geus bawaanana nu sok hariweswes jeung teu weléh gegerenyeman, babacaan sabisa-bisa. Sasambat ka nu kawasa.
Poéan tésting, Titi tibuburanjat kabeurangan da sapeupeuting ngagudrud latihan soal. Pak pik pek siap-siap. Matapoé asa lumpat. Motor nu rék dipaké ngadadak ngadat. Neleponan babaturan kabéh geus berangkat.
“Tos badé dimulai, Ti!” baturna ngiberan.
Késang leutik késang badag ngagarajag awor jeung cimata nu mulai ragrag. Aduh alah ieung…
Koréjat. Titi pias. Istigfar sababaraha balikan. Mukena nu dipaké cipruk, luhureun sajadah.

INDUNG

Kénging Heni Nuraeni Huzein
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2013 05:05:23

Bener,teu méréan waé haté téh asa di acak-acakan,inget wae kana omongan salaki,"mun engké budak dipénta kunu Haq na kudu rido..."kitu na téh bari indit,saminggu sakali paling balik deui,budak awéwé nu geus kaco'o ti leuleutik,rék di pénta,enya gé geus boga anak nu lalaki sadua-dua...rék ngomong "teu rido,ang..."sugan ngarti haté indung ciga kumaha...

Luntang-lantung...di jalanan anu sepi. asa ku tugenah téh teu aya eureunna!padahal urang sabagé lalaki hayang ningalikeun ka dunya...urang rék mikanyaah hiji awéwé,moal nganyenyeri komo tepi ka ningali cipanona nyakclakan...asa ningali indung kuring nu but bet néangan kadaharan,beaya ngan keur kuring...sering ningal anjeuna murubut cipanona tengah peuting,atawa janari leutik...dinu pangsujudan,kuring maling-maling neuteup,teu tega...ayeuna kuring néangan bapa...nu keukeuh teu kapanggih raratanana...ngan nyésakeun istri-istri nu katalangsara...

Deudeuh...indung hampura kaula
Teu bisa buméla