Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Oktober 2013 (22 Naskah)


PIPITI

Kénging Bunyamin Fasya
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 22:46:30

Kecap nu tos leungit dina basa Sunda salah sahijina 'PIPITI'. Kumargi pami ningal hajatan; kariaan, kawinan, sareng tahlilan, tos teu ngaranggo pipiti. Digarentos ku stereoform. Kaasup lalawuhna, sanyaho uing, lauk nu digorengna teh sok lauk jinis tambakang, ayeuna mah teu pernah manggih deui.

NU NGABEDEGA

Kénging Nero Taopik Abdillah
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 22:34:10

Aya nu ngabedega, nulak cangkéng, panonna molotot “Hai anjeun ulah ngajedog waé, gera singkil!” Uing rungah-ringeuh, terus gigisik. Disidik-sidik, bet euweuh nanaon, salianti monitor computer anu masih hurung, status facebook nu ku uing ditulis memeh peureum “Ya Alloh bukakeun panto rezeki” Sanggeus ngayakinkeun yén euweuh sasaha, terus uing ngagusur deui simut, rup dirungkupkeun. Guher deui, saré.

NGOSPÉK

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 22:25:12

"Aya ospékeun, Bos!" ceuk Tomi. "Sabaraha urang?" Kirbi ngarérét. "Tilu urang!" jawab Tomi. "Nam atuh, di tempat biasa!" Bring aleutan motor ka tempat nu hara-haraeun.
Anjog ka nu di tuju. "Buka bajuna!" ceuk Kirbi bari ngaluarkeun pecut. Barang rék mecut, teu kanyahoan pecutna direbut Dénok. Jleg! Di hareupeun Kirbi. "Hé, wani sia ka aing!" Kirbi popolotot. "Téwak euy! Podaran sakalian!" ceuk Tomi. Der, anak buah Kirbi ngahurup Dénok. Bedog tinggurilap sut-set. Dénok terus ngamuk lir nu kasurupan, pecut dicuprat-ceprét ka sakur nu deukeut jeung manéhna. Nu ngahurup kabur, paburisat. Nu ngari Tomi jeung Kirbi. "Sia nu rék diospék ku aing!" ceuk Dénok bari mecutan awak Kirbi nepi ka ngajéhjérna. Rét ka Tomi nu pupuringisan. "Sia deuih!" ceuk Dénok panonna muncereng. Barang Tomi rék lumpat, siet...! Pecut keuna kana bitis Tomi. Dicentok! Gebru nangkub. "Kumaha rasana lamun disiksa?" ceuk Dénok bari terus ngaluluh Tomi.

KOPDAR

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 21:53:48

Barang anjog ka imahna, buuk gondrong meuntas tonggong. Padahal mêmêh jung têh tas dicukur heula ala Vin Diesel. "Naha bet asa bênten sareng poto dina facebook, kakang?" Pokna kerung. "Duka atuh," cêkêng bari ngusap kêsang. Kuring gê asa hêlok. Dina facebookna mah manêhna têh ngora kênêh. Ana gok, incuna satilu-tilu.

NU DI JERO PANJARA

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 21:20:03

Wanci janari leutik. Dikuriling témbok weweg. Beungeutna sepa. Panonna celong. Nangkarak bengkang ‘na samak saheulay. Ngahérang neuteup juru lalangit. Témbong lancah keur jongjon ngajeujeut imahna. Geleber kukupu. Torojol cakcak. Reup. Manéhna peureum. Bréh. Lalakon mangsa ka tukang narémbongan. Mangsa keur budak. Teu leupas tina aisan indungna, bari nyunyuhun jukut.Turun gunung ngeumbing pasir. Mangsa rumaja tara jauh ti masigit. Dipikareueus. Kabiruyungan. Saba kota. Jugala. Leng. Kabongroy ku rupaning mamanis. Kalangsu. Tonggoy pogot. Bréh. Beungeut nu karijut. Nu kungsi mapayan. Andiprek dina téras imahna anu ngagenclang. Tapak sukuna diseretu. Disangka baramaén ku pamajikanana. “Ema…, hampura…!” gerentesna. Teu karasa, aya nu ngalémbéréh haneut mapay pipina. Dumadakan. Hawar-hawar kapireng aya sora hariring ayun ambing. Melas-melis. Awor jeung sora tarhim. Ngalanglaung.

CARITA NALIKA

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 20:48:23

Awi wulung melengkung lir kuwung-kuwung. Diraut gumati dina wangwangan nu teu weléh kumalayang. Ditatap diusap dina rarampa rasa. Ngajaul kaluhur ngapak méga nyorang rasa tresna nu hésé dipapalérkeun. Dina tungtung nu melengkung, aya gurat panyangreud tali, lir pamengkeut deudeuh nu maneuh, sumarambah dina bayah , nyangkaruk dina jajantung. Kop kanu nyagak dihandap, persis jiga nyagakna panghalang kahayang, bongan datang lain dina mangsana. Ngiclik tukangeun, jol aya rasa melang, inggis asih kamari jadi kaluli-luli. Lempeng, taya hahalang lir rongkahna dina jero dada, moal bisa dipapandé, moal bisa disilih ku kaasih nu lain. Dina tungtung nu bakal niruk jajantung, rada diusap lila dibarung harepan nu ngagedur hurung. Geus cunduk waktu, nincak wanci nu mustari. Jamparing asih dipesat, dilelempeng kanu angenna. Haté ratug tutunggulan, sok inggis ku bisi, melengkung bekas nyalahan, cau ambon dikorangan. Nu kajamparing léah sadrah. Jajantungna parat katiruk. Neupi ka poé ieu geus méré incu genep.

AWÉWÉ ‘NA SKÉTSA

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 20:06:37

Di hiji Rumah sakit…
Awéwé rengkung, ngarurub layon salakina nu karék les. Teu kuateun ku leukimia stadium opat. Cipanonna ngeclak tapi teu nginghak. Ras ka anak-anakna nu bureyek sagenep-genep.
Di hiji perumahan…
Awéwé maké gamis, tiungna rubak. “Saya ikut suami pindah ke Jakarta. Alhamdulillah, sekarang menetap di Indonesia,” Ngusapan beuteungna nu eusian dua bulan. Panonna nyorotkeun kabagjaan. Teu ieuh mikiran salakina nu urang Yordan, bakal bulak-balik ngalongokan pamajikan nu kolot.
Di palataran pasantrén…
Unggal isuk, Bi Éti tibeberegég ngadodorong roda daganganana. Pinuh ku rupa-rupa sayuran. Beungeutna nu bérod, teu weléh soméah ka sasaha. Tara ngangluh, komo deui hayang dipikarunya.
Di ditu, di nagri Fiksimini…
Awéwé geulis. Ngagogoréng maruna, nu pajar kolot, kuleuheu jaba hideung. Atuh, awéwé-awéwé di éta nagri, nu ngarasa kacodéka kahormatan, sararingkil sapakarangna-sapakarangna. Tingaracung, ngahujat dina jandéla séwang-séwangan.
Di dieu, hareupeun laptop…
Awéwé, ngahuleng. Aya karang leutik dina gadona nu ditanggeuy. Teuteupna kosong. Pipikiranana kosong. Haténa ogé kosong.

NAWANG WULAN

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 19:42:34

Revisi

Rebun kénéh geus saged. Dangdan sataker kebek. Kabaya biru, karémbong pulas layung, sinjang réréng garutan.
Rerencepan kaluar. Sieun katohyan ku duduluranna. Moal bébéja rék ngebak ka talaga. Sugan pareng, jajaka nu kamari ngaliwat deui.
Siut.... Hiber nyirorot muru talaga. Sok, karémbong jajalaneun. Ngahaja, méh katingalieun Jaka.
Cai talaga nyecep matak seger, humiliwir angin ngendagkeun dangdaunan tinggarupay maturan nu ngebak. Meus-meus rét, ngarérétan jalan. Ngarepkeun Jaka ngaliwat.

Jajaka gandang ngagandong rangsel, jakét jeung tasma hideung. Nawang Wulan nahan ambekan, jajantung ratug tutunggulan. Haténa ngarepkeun Jaka nempo dirina, nyokot karémbongna. Laju meredih panganténan. Tapi, Jaka nongtoyod. Teu ngarérét ku juru mata. Ngagedig rurusuhan.
Sedih, kuciwa pabaur ngajadi hiji. Cipanon merebey mapay damisna.
"Naha ning kieu Ambu, saha nu ngarobah carita?"
Hanjat noroktok kabulusan.
"Ojég...! Anteurkeun balik...!"

UNTUNG LAIN UING

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 19:09:09

Kabayan kasémahan. Aya samingguna Ki Sémah mondok moék di nu teu puguh gawé. Ambu jeung Abah kaririweuhan.
Poé katujuh isuk-isuk, sémah diajak ka leuweung. "Urang niiskeun pikir," pokna. Asruk-asrukan nunutur indung suku. Hawar-hawar ti jauhna kapireng aya sora nu ménta tulung. " Dulur ... aya nu liwat? Bantuan uing!" Panasaran, najan aya rasa was-was. Sora beuki tétéla. Sidik datang tina taneuh nu ngaguha siga sumur. Teuing panyumputan teuing urut naon ngan geus lukutan.
"Lakadalah ... teu burung datang," cék nu di jero sumur. "Gancang turun ... ieu uing manggih harta karun!"
Kabayan nu teu pidunya ngaléos. Tapi lain jeun Ki Sémah. Merod tuluy milu turun. Kaeurad ku pangbibita.
"Handapeun batu ieu aya emas golondongan. Titinggal uyut jaman Jepang. Tadi poho teu mawa parabot keur nugar. Tungguan, uing naék heula!" Kalacat kana taktak Ki Sémah. Barang nangtung nu dipunggu buburanjat muntang kana akar sisi sumur. Hanjat tuluy minggat ninggalkeun nu teu boga pikir rangkepan.

DONGENG

Kénging Lili Nurjayadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 18:45:29

Aya Bapa Tani, Monyét sareng Abdullah. “Bapa Tani…!Bapa Tani…! Abdullah hoyong kalapa!” saur Monyét. “Nya sok Nyét, geura naék! Ala duwegana!” saur Bapa Tani. Abdullah saregep, anteng ngomé janggot Bapa Tani. Celengok! Tarangna di eno.
“Nyét…! Nyét…! Tong diemaman di luhur! Geuwat puragkeun! Abdullah tos hoyongeun Kalapa!” saur Bapa Tani. Leungeuna ngusapan tonggong Abdullah. Monyét muragkeun kalapa. Bapa Tani pahibut ngumpulkeun kalapa kanggo dipesék isukan, saatosna Abdullah gugah.
Abdullah ngageubra bangun tingtrim. Alam imajinasina mawa manéhna murak duwegan, balakécrakan jeung Monyét balad ngimpina. Biwirna imut bareng salimut nu dirungkupkeun.
Eno=cium ka budak

TILU DE

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 18:34:23

“Cik atuh Sarkang, ngajentul waé. Eweuh gadag! Jiga batur, rapékan! Makelaran mobil, tanah. Tim sukses! Jajauheun nyaleg. Dasar kolok bool!”
Lir kacang ninggang kajang, Pamajikanana néngtéréwélang.
Di juru. Apilain. Nyerebungkeun haseup roko. Nikmat naker. Anteng ngumbar lamunan.
Golombrang! Prang! Pré! Dapur bacacar.
“Capé, Uingah! Gajih ngan cukup sapuluh poéeun! Pulangkeun, ka kolot Uing! Tuh nya, kalahka ngajedog!”
Juringkang, nu diajak ngomong asup ka enggon.
“Enggeus norowécona? Kop tah, jung béakeun!” Sagepok duit, diteundeun dina luhur méja. Mata simeuteun. Teu burung dirawatan. Sarangah-séréngéh.

Imah weweg. Mobil weuteuh. Emas reunceum. Méré mawéh, teu pandang bulu. Jadi sabiwir hiji. Jadi catur urang lembur. Jang Saca, beunghar ngadadak.

Numpi . Panon carindul. Wiwirang di kolong catang. Sakedét nétra. Balik ka asal. Ngaligincing. Salaki ngahékok, di kamar sacangkéwok. Ngemitan waktu.

KAPETO PANCÉN

Kénging Dédi Hérdiana
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 15:52:17

Socana neuteup seukeut, pananganna ngeupeul. ''Tong asa-asa jeung sungkan, tegor Kuring lamun milampah salah!'' walon Kanjeng Umar bin Khatab nalika anjeunna biantara dina pelantikan janten holipah.

SMS PAMUNGKAS

Kénging Pipit Ati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 15:39:06

Aa, sms ti Aa tos katampi tur kahartos pisan maksadna ku Ita. Sumangga, Ita namung tiasa ngiring bingah, mugia Aa, Eteh oge para putra aya dina ginanjar kawilujengan. Sawios, Aa teh panginten janten lalakon pondok dina kahirupan Ita. Sanaos leres, Ita percanten yen Aa lengoh tur ageung pisan harepan Ita ka Aa, nya kumaha deui atuh pami saleresna Aa teh masih aya dina cangreudan tali rumahtanggi. Mangga, dihapunten pisan. Sawangsulna, hapunten kalepatan Ita, nya A...?

NU NGANTI WALONAN

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 14:52:31

Tirilikik hapé disada deui, smsna datang deui.
Kuring kur nitenan, bari haté ngarahuh, teuing kumaha kudu ngawalonna.
Aya tilu puluh sms na inbox, eusina kabéh sarua, kasono nu nyoso, kakangen nu taya watesna. Jeung ngabèjaan geus dua minggu manéhna telat bulan.
Telepon mah geus puguh leuwih ti tilu puluh kali, teu iyeuh diangkat.
Tirilik SMS nu ka tilu puluh hiji ngelol na inbox. " Kang, pami akang teu ngawaler waé, abdi ayeuna badé bunuh diri.”
Leng dunya jadi muter, haté sabil. Ngajawab ulah, ngajawab ulah, bulak balik haté mikiran naon basa nu merenah keur dirina.
Akhirna éléh déét maksakeun nelepon. " Assalamualaikum", ceuk kuring bari ngadégdég.
"Kang, ieu akang.... ?" ceuk hiji sora.
"Sanès, bu abdi mah copét , hapuntena tos nyopét hapé carogé ibu," tembal kuring, rarasaan mah adab pisan.
Tapi, manèhna gantawang tèh nyarèkan laklak dasar. Klikk!! Hapè dipareuman, ku kuring.

DATANG DEUI

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 14:11:36

Tuti maksakeun asup ka pakarangan Kantor Advokat Cahaya Suminar, SH

NGABUDAH

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 13:24:40

Meredong, poék kacida. Susur-sasar nyabak sagala rupa. Nyabak sagala-galana. Sagala rupa, dicabakan sagala-galana. Bray, caang. Ningan aya dina genggerong? Ngaso teu lila. Kaburu kabenyéng. kaséréd kamalir ciduh, silih suntrungkeun jeung papada batur. Bréh, elak-elakan, laju kana létah, huntu… Uing sabatur-batur ngaburudul tina sungut… “Sodarah-sodarah, oléh karénah-nyah… pilihlah sayah….”

Uing ceurik lolongséran. Béda jeng batur nu direureuhkeun dina uteuk, diasah, dipeuyeum. Diperenahkeun.

HADIAH BATIK TI PAJABAT

Kénging Irfan Parlian
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 11:48:38

Naon motifna?

PAPAKÉTAN

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 09:33:15

Kantor Pos. Aya nu mamawa kardus badag. Ngahuhuleng hareupeun hiji lokét. Rut-rét nénjo antrian di lokét-lokét anu séjén. Anggur ngalamun sanajan antrian tukangeun manéhna geus lain itungeun. Jol satpam. “Aya nu tiasa dibantos, Ang?” cek satpam soméah. “Uing hayang ngirim pakét tapi poho deui alamatna.” tembalna bingung. Satpam imut. “Alah, gampil atuh. Kantun milih, badé ka Mangsa Lawas atanapi Mangsa Datang. Kantun diserat. Bérés!” Satpam teu weléh gumujeng. Wijaksana. “Jiih! Bisa kitu? Okéy atuh!” Manéhna gentak nulis ku spidol badag. Trét. Kahatur Mangsa Datang. Manéhna ngarénghap. Bagja. Geus kitu kardus dibuka. “Euleuh, geuning kosong pakétna?” Satpam kerung mencrong kardus anu taya nanaonan. “Tenang, Bro! Uing rék asup heula. Engké tutupkeun deui. Langsung kirimkeun, Okéh?” Manéhna ngalaanan baju jeung calana. Ucul-ucul. Taya nu nyésa. Buligir. Blus kana jero kardus. Satpam rikat nutupkeun kardus. Antrian ngised. Kantor Pos.

DU'A NU DI IJABAH

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 09:06:31

Ngaheruk hareupeun Ka'bah. "Nun Gusti, abdi mung nyuhunkeun tilu pamunut! Kahiji, mun padamelan ayeuna teu saluyu jeung ridho Gusti, mugia abdi énggal-énggal dipecat. Kadua, upami rezeki abdi ngalantarankeun jauh ti Gusti, énggal geura candak deui. Katilu, abdi nyuhunkeun katurunan cekap tilu waé." Rérés ngadu'a aya nu nga-Aamiinkeun. Halon sorana. Balik ka lembur, karék saminggu dina meja gawé-na, geus ngajagrag surat pamecatan manéhna. Dipitnah babaturanna. Geus dipecat laju muka usaha. Maju pisan usahana. Katipu ku inohong ti bogor. Katipu bébéakan, meuli béas gé nepi ka nganjuk ngahutang. Peuting-peuting pamajikana ngaharewos. "Akang, abdi nuju ngandeg." Manehna sujud sukur, du'ana tiluanana di ijabah.... *

PAPAP

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 08:16:47

Nit...nit...nit...“Pap, naha geuning masihan artos téh mung sakieu? Ieu nuju di kasir, kirang artosna. Meni isin, ih! Papap di mana? Ka dieu atuh.” Hapé dina saku jakét. Hédsét nompo dina ceuli. Saliwat, siga nu ngomong sorangan. Bro, barang digundukkeun hareupeun kasir. Nit...nit...nit... Kasir mancokeun scanner kana barcode. Ngasongkeun kartu kiridit. Gésék. Nit...nit...nit...mencét pin. Transaksi, bérés.
Nit...nit...nit...centrallock. Mobil ngageuleuyeung. Reg, hareupeun imah nenggang sisi wahangan suku gunung. Nit...nit...nit...Neueulkeun jempol kana kotak hideung. Nunjukkeun kartu identitas kana kotak. Bray, panto lalaunan muka. Nit...nit...nit...Teu kudu nungguan lila, sangu jeung deungeunna ngabarak dina luhur pantry.
Nit...nit...nit...Papap ngabebengkang dina luhur kasur. Korédas, taya nu nyésa.

BUDAK AYEUNA

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 07:54:03

“Bu, mau ngambil kartu ujian seméster!” budak awéwé nolol kana jandéla tempat mayar spp.
Hiliwir, seungit parfum nyogok irung.
Sumi, bagéan narima spp ngarérét ka budak nu keur anteng nyoo hapé BB, katémbong kukuna dikiték warna bungur saulas. Sumi muka buku catetan ngecék tunggakan.
“Ayeuna bade nyicil moal?” Tanya Sumi leuleuy bari neuteup panon na nu maké lénsa mapaésan nyérépétna eyeliner, bulu matana laleuntik dimaskaraan, halisna ngajepat hideung ku patlot halis.
“Moal, Bu! Da ga bawa uangna, engké wé bilang heula ke mamih!” témbalna bari dangdak-déngdék gumeulis.
“Oh, atuh moal waka dipasihan nya! Mamahna wé piwarang kadieu nepangan abdi, da ieu ageung kénéh sametanana, spp na gé sataun teu acan dibayar!” Sumi mertélakeun.
Budak ngajanggilek tuluy ngajingkat. Sumi istighfar.

KULHU JEUNG INNA

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2013 05:04:21

Tuturutan dibuka. Bréh rupaning surat. Dawuhan nu Maha kawasa. Inna nyarita ka Kulhu,
“Uingah surat pang hédédna siah, moal aya nu nandingan!” Kulhu ngoréjat.
“Naon maksudna euy?”
“Tengetan géh! Uingah teu ngingu hurup Mim nu sok jadi bibit buit kahariwang!”
“Baruk? Buktina?”
“Hurup mim téh lolondokan. Sakapeung sok ngandung harti nuduhkeun atawa ngeuweuhkeun hiji perkara!”
“Deuh tibang kitu gé meuni asa aing uyah kidul!”
“Émang manéh boga naon kulhu?”
“Yeuh...! Uingah sok dilandih Si Ihlas, bari jeung teu nguar-nguar sakecap gé kecap ihlas dina runtuyan ayat-ayat kuring!”
Inna ngabetem. Cipanonan. Nyarakclakan. Clik putih! Clak hérang.