Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Séptémber 2013 (20 Naskah)


LUMPAT SAKALUMPAT-LAMPÉT

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 23:36:07

Birit srangéngé nembé gé gék nyalikan katumbiri nu melentung ti tungtung poék ka tungtung peteng. Ngembat. Koréjat, béntang kabeurangan keukeureuceuman kapétélan silalatu sinjang srangéngé nu rohaka. Srangéngé émok cabok, ngabulaéh nyeupah, dugi ka hilap kedah manjing wanci. Saalam dunya raéng humandeuar. Luh lah, balébat nu sumirat teu kebat-kebat, moho ku imbit nu matak ébat. Wanci pecat sawed sareng kanca-kanca mangsa, élékésékéng ngantos-ngantos makalangan. Lapur. Srangéngé lami ngoconan. Gurudag, layung beureum euceuy, tibuburanjat ngenyang sinjang. “Tos mangsana, junjunan… Bral….” Cekéng téh, mésem.

KURUNG

Kénging Endah Dinda Jenura
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:38:24

Kurungna pulas srangéngé, katelah Cupu Paréndé. Ka dinya uing nganteur Si Méla, ronggéng kahot nu getihna keur ngabubulak. "Pokona Si Asih kudu modar, kuma we carana," pokna méméh miang. Ayeuna anjog. "Mangkadé ulah éngab," cekéng mapatahan bari nguirkeun samping kebat: "Enguk! Enguk! Enguk!" Rup, kurung dirungkup. Jurungkunung kurung nangtung, galeong cara nu mabok. Suruduk nubruk rungkun. Rurud-rarad. Ajol-ajolan. Ngagibrig. Nyintir. Samping kebat ririaban. Leuweung rumanggieung. Eundeur. Si Méla ngadégdég. "Aing hayang balik," pokna tuluy ngayekyek. Sasiet kurung nunggir, sorodot, gebrus! Si Méla disiuk kurung, dibawa ngapung. Jauh. Jauh. Kari celak-celak jeung kocéak. Burinyay. Gebray. Teu lila koléang, koléang... Samping kebat mulang ngahelang.

MORO JODOK

Kénging As Rinanda
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:38:00

Dooorr..doorrr... Dorlok morobot, gorowok Dodo, " Joo..! Jodok norobos popnclot tongoh ", kop Ojo nyokot golok, Momo nyokot popongkol, jodok jonghok, molotot, popongkol Momo nojos bobokong jodok, golok Ojo nobros tonggong jodok, jodok ngolosod gorolong notog cohcor gombong, jodok kojor.

Dodo, Momo, Ojo, ngorolos tos lohor, norobos nyosor kolong bobojong.

Kokom bojo Dodo tos kokocok popok orok, "Kom ! Tos ngocok lologor?" Dodo nyorocos, "tos , godog godobros, sop cokor ", kop Dodo nyokot boboko, kop nyomot godog godobros, Dodo olohok, noong sop cokor, molotot, orolo Dodo utah, sabab sop cokor téh bet siga cokor jodok.

MORO JODOK

Kénging As Rinanda
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:36:58

Dooorr..doorrr... Dorlok morobot, gorowok Dodo, " Joo..! Jodok norobos popnclot tongoh ", kop Ojo nyokot golok, Momo nyokot popongkol, jodok jonghok, molotot, popongkol Momo nojos bobokong jodok, golok Ojo nobros tonggong jodok, jodok ngolosod gorolong notog cohcor gombong, jodok kojor.

Dodo, Momo, Ojo, ngorolos tos lohor, norobos nyosor kolong bobojong.

Kokom bojo Dodo tos kokocok popok orok, "Kom ! Tos ngocok lologor?" Dodo nyorocos, "tos , godog godobros, sop cokor ", kop Dodo nyokot boboko, kop nyomot godog godobros, Dodo olohok, noong sop cokor, molotot, orolo Dodo utah, sabab sop cokor téh bet siga cokor jodok.

SERANGOON 2

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:25:15

Tepung deui jeung gumuluburna. Saparat jalan, caang ku mangpirang cahya, mangpirang warna. Peuting nu teu karasa tiisna. Ngahudang tineung, tina manglaksa carita nu pernah kababawa.
Lebah Stasion Farrer Park pisan. Sabot mireng kecapning kecap dina rupa-rupa basa. Aya nu nyampeurkeun bari nanya, "Kang...dupi ka Sentosa, ruteuna ka palih mana?" Geulis. Manis deuih.
"Ti dieu mah langsung wé ka Harbour Front. Teras kantun naék kana LRT,mung opat dolar uah-uih. Tapi da ayeuna mah tos nutup, Néng." Nganuhunkeun bari nyarita, rék isukan cenah inditna.
Sapeupeuting teu bisa ngalésotkeun beungeutna tina mata. Inget kana sorana. Komo mun diinget-inget panonna. Ah, asa panas tiris ngabayangkeunana.
Teu bisa saré. Teu balik ka hotél. Léngkah dipaksa mapay-mapay nepi ka sisi wahangan. Ngadaweung di Boat Quay. "Geuning aya di dieu...teu acan kulem, Kang?" Sora nu tadi. Panon nu tadi. Ah, geulis pisan. Manis deuih.

PASALIA

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:08:07

Fikmin # Pasalia #
“Tos sapuluh taun?” Curinghak. Imut leleb bari unggeuk. Sroot, nyerot és jeruk. Di warung baso hareupeun kampus, nu jajan coréngcang kénéh.
“Berarti ti Enon nuju parawan tingting dugi ka ayeuna tos parawan tongtong?” Panon mencrong. Gasik cengkat. Treup! Paadu teuteup sakedapan. Gaak, urang seuri bareng. Ngeunah pisan. Dunya kadéngé raéng milu seuseurian jeung urang.
“Urang sami-sami ngadunga yu, muga Allah ngajodokeun urang,” Haté hayang ngaaminan tapi akal geuwat ngahulag.
“Tap…”
“Éit!” Curukna ngacir. “Teu kénging ngaharamkeun nu tos dihalalkeun.” Abong dosén, hésé ngadebatna.
“Lima taun tos cekap, Non. Tong lami teuing ngémut.” Aya talaga ‘na teuteupna. Talaga nu sok diinjeum bari teu bébéja.
Ngarérét kana jam dina leungeunna, tuluy cengkat. Ngasorkeun lambaran beureum.
“Énggal kempelkeun makalahna nya. Tapi da Enon mah tos kénging peunteun A,” cenah bari ngiceupan. Ukur dijawab ku jebi jeung dilak.
Neuteup tonggong nu ngungkug ngajauhan. Teu pati bogoh, sih. Tapi haté karasa nyarakclakan. Duh, Gusti….

KORDONG

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:02:59

Maca dongéng Wastu Kancana, basa lumampah ka nagri Jawa, di satengahing jalan, papanggih jeung rampog, da eta mah, kadar kumabétkeun siki jaat, panon jeung beuheung rampog tarotos. Getih ngacer ambarayah.

Uing, da panasaran, nempo poé jaat Ema, gancang nyokotan.
Belewer-belewer, paké mabétan manuk
Boro beunang,
Siki jaat sasair nepika béak, teu hasil hiji-hiji acan.
Sugan téh heueuh bisa.
Atuh Ema amarah
Ti jam lima nepika Magrib, jadi reporter teu eureun-eureun....
Dasar kudu jadi "kordong", korban dongéng

PANONNA NU CEULEUYEU

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 22:02:10

Manéhna béh ditu, keur anteng ngasuh budakna. Kuring teu bosen neuteup nu ngasuhna. Sakapeung manéhna gé sok maling teuteup ka kuring. Mun kitu, kuring sok geuwat ngabalieus, api-api nempoan nu séjén. Iwal mun kabeneran paamprok teuteup, kuring sok unggeuk bari imut. Dibales ku manéhna, ku hal nu sarua. Panonna nu matak teu kuat téh. Semu ceuleuyeu. Ras ka nu sawatara bulan ka tukang ninggalkeun. Nguniangkeun panineungan. Teu ngabibisani, basa gok jeung manéhna téh, rasa nu satawara bulan ka tukang leungit, norojol deui. Kebek harepan. Moal. Moal bisa ngaganti nu tiheula. Manéhna nu ayeuna, nya manéhna waé. Jadi katumbiri anyar dina haté kuring.
Kulutrak, patugas kebon binatang asup ke jero kandang.
“Loréng, wayahna silaing dipindahkeun ka Kebon Binatang Ragunan!” ceuk petugas bari ngusapan sirah kuring.
Kuring ceuleuheuk. Ngagaur sekeudeung. Ka dituna pasrah, da kaburu dibius. Méméh nutup, panon téh sempet nénjo manéhna, di kandang béh ditu. Keur neuteup kuring. Panonna ceuleuyeu.

NU NÉANG BAPA

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 20:44:14

“A, téang atuh Bapa téh! Geus sabulan teu mulang-mulang, karunya Ema!” Minah nyarita ka lanceukna.
“Embung ah, jauh!” témbal lanceukna. ” Ku manéh wé!”
Minah neuteup seukeut. Nu diteuteup, malik molotot. Di pangkéng, inghak indungna, beuki atra. Amarah ngabebela: ka lanceukna, ka bapana.
“Seug, aing nu indit!” Léos, ka pawon Cur, ngawadahan minyak tanah. Kop kana korék api. Sup dikana-kérésékkeun. Laju ka pipir. Ceg, kana sapédah. Diboséh satarikna.
Mapay-mapay jalan satapak, muru lembur nyingkur. Késang ngagarajag, maseuhan awakna. Di satengahing jalan, mulung batu sagedé-gedé peureup. Dua jam kalarung. Anjog ka hiji imah panggung. Gubrag, sapédah digubragkeun. Botol eusi minyak tanah, dicekel ku leungeun kéncana. Leungeun katuhu, ngeukeuweuk batu. Budak awéwé umur sawelas taun, badis rambo. Ngagorowok, “ Bapa...! Rék balik moal? Mun moal, ieu imah rék diduruk!”
Kurunyung bapana ti pipir, dituturkeun ku lalaki jangkung badag. Buuk gondrong. Dibaju sing sarwa hideung. Ramo-ramona reunceum nu batu ali.

PINDAH SARAKAN

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 19:48:42

Wanci haneut moyan, di golodog imahna, Ki Soma ngalamun. Ngahurun balung. Teuteupna kosong. Cikopi sabekong, seupan hui. Teu ditoél-toél acan. Pikiranna kumalayang, kikitir imah, katut taneuh jeung kebonna, taya gunana.

"Atos atuh, Kang. Kedah kumaha deui, urang mah ukur rahayat." Nini Itah nyelengkeung. Laju diuk gigireun salakina. Duanana, pada-pada ngaheruk. Sanggeus meunang béja, imah nu dicicinganna. Baris keuna gusuran. Cenah rék dijieun tempat hiburan ku dinas tata kota. "Teu garableg haté jeung rasa nu wenang téh. Apan sidik, ieu mah pakaya urang. Sanajan teu boga surat akteu taneuhna ogé!" Ki Soma ngarahuh. Bingung teu manggih tungtung.

Isukna, wanci carangcang tihang. Ki Soma geus saged. Pacul, linggis jeung sajabana dibawa. Regot cikopi, am seupan hui. Aya sumanget dina pasemonna. "Nyai, dungakeun Akang. Rék ngalelemah béntang. Keur sarakan urang engké nu anyar." Ki Soma pamit ka Nini Itah, laju indit ngagedig.

SANG JAWARA

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 19:43:51

Mang Umar jeung Bi Yati kacida reueusna waktu narima és-ém-és ti Pa Jaé, guru anakna. Néng Ida jadi jawara lomba matématika sa kacamatan.
Sajam dua jam Bi Yati jeung salakina nungguan anakna balik. Sosonggéteun. Hayang geura ngagabrug ngaagulkeun ka tatangga-tatanggana.
Rentang-rentang kaciri pangawakanna. Tapi naha jiga nu ceurik. Alah kunaon, pikir indungna. Geuwat disampeurkeun. "Néng naha bet nangis? Pan tos kenging lomba" tanya Bi Yati. "Muhun tadi dipasihan artos ku Pa Jaé kanggo jajan sarébu tapi ical.." témbal Neng Ida polos. "Aduh deudeuh teuing ieu atuh ku mamah digentosan," ceuk Bi Yati bari ngasongkeun duit sarébu. Néng Ida nampanan ku leungeun katuhuna. Leungeun kéncana nyekel piala. Tapi ceurikna lain ngalaunan kalah mingkin tarik.
"Mun teu ical jadi dua rébu. Hiks...hiks"

SORA REBAB

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 19:35:13

Rebab téh waditra. Gampang nyirikeunana. Senarna dua. Ngalambangkeun raga salira jeung raga purasa. Waruga rebab siga tanda pleus. Perlambang opat arah mata angin. Kalér, kidul, wétan jeung kulon. Ogé ngawakilan alam. Seuneu, cai, angin jeung bumi. Belenongna dijieun tina jeroan atawa anduk munding. Bisa ogé sapi. Ngandung guaran spritiual nu jero. Panggésékna tina bulu, perlambang benang sarap nu murba dina sakujur diri. Nu susah mah lain nyirikeun rebab, tapi nabeuhna. Ngagésék dina wirahma nu sampurna. Cék Cicéro mah, leungeun nu lamokot ku kakawasaan, nu méré sakabéh kani’matan, moal bisa maénkeun gamelan. Ngését rebab! Sab ngaaprésiasi jeung nyerepkeun sora rebab mah lain ku ceuli. Tapi ku haté. Hirup téh éndah. Ti kamar 308, Samudra hotél. Pangagung keur gumulung ngadumaniskeun kakawasaan jeung kaasih adikodrati. Ragawi, surgawi, gawé bareng nyair sora rahayat. Jaga dina waktuna. Lamat-lamat nu ngahaleuang, dipirig ku sora rebab. Teu bisa nembus mamaras. Kasilib gumuruh ombak. Kuring ngabatin. Kunaon, Mang?

Katerangan:
- Raga salira, jasmani, waruga, asalna acining seuneu, angin, cai , bumi
- Raga purasa, rohani, waraga, asalna tina sari-rasa alam jeung sari rasa dunya; amis, lada, tiis, haneut, hiliwir.
- Cicéro, Konsul di jaman Romawi.
- Belenongna, biasa oge disebut beuteung rebab

TEU PIRA

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 19:34:59

Sora kendang ngeungkeung. Kariaan di Kuwu Jumha. Tukang bajigur, loték, bandrék, saté, kulub suuk, jeung sajabana. Ngajajar. Sapiri umpi ngabring. Mitoha awéwé, maké stélan tréning beureum, nu pamajikan. Beberenjén. Ngajingjing Seupaheun. Nu kaul tingrampayak. Paalus-alus ngibing. Jorélat. Jleng. Célégédég. Lalaki jangkung badag. Teu wawuh. Ngajega dina panggung. Kaayaan jadi jempling.
"Déwék Sarkam! Jawara pilih tanding! Hayang ngajajal wewesén urang dieu! Sor!" jumawa. Jorélat. Jleng. Budak ngora. Sret. Sebrut. Gilek. Jebrod. Gubrag. Sageprakkan ngajurahroh. Ger surak. Opatan nyobaan ngajajal. Euweuh nu mahi.
"Déwék ménta sérahna, euy!" Sarkam hohoak. Jempling. Kalacat. Nini-nini maké tréning beureum. Ngajingjing kanjut kundang.
"Ema!" pamajikan ngagorowok. Jalma guyur. Haté tagiwur. Keuheul, éra, jeung melang ka mitoha.
"Nini-nini bau taneuh, rék ngalawan déwék?" Sarkam ngagakgak. Siet. Blus.
"Goblog...!" Sarkam ngelewung. Ongkék. Tap. Jung. Gebro, nu keur nonggéng dibanting ku goong.
"Tobat!" bru. Gegerungan. Ger surak.
"Naon Ma, nu dibalédogkeun téh?" panasaran.
"Sisig, Jang Guru!" cenah.

SÉGEL

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 19:08:22

Beubeureuh kuring basajan jajar pasar. Ngan mun diteuteup, matak deungdeuleueun. Najan can dumuk bogoheun hanteuna ka kuring, tapi gedé rasa. Basa nganteur manéhna ka bandara, karasa aya rasa nu béda. Buktina, manéhna wani ngarangkul sagala. Reuwas! Kakara saumur nyunyuhun hulu dada diadukeun jeung gunung asihna. Aweuhanana ngagolakkeun galura di jero dada. Deudeuieun.

“Jang Yana! Leres Ujang badé mileuleuheungkeun Néng Hérni téh?” ceuk bapana hiji waktu nalék daria.
“Kantenan pisan, ning uninga Pa?” malik nanya
“Ceuk si Neng wéh dina és-ém-ésna. Pami wangsul gé palay dijemput cenah”
“Tangtos Pa!”

Nu ngumbara mulang. Dilamar. Oléng panganténna di hotél. Ba’da saresmi munggaran, sing hareruk.
“Ning kawas kieu? Asana téh aya nu bénten?”
“Pami nyangki kitu, berarti Aang kantos nyobian sareng nu sanés?” Silihhujat.
Sarua geus teu sucina. Cus cos! Hayang pepegatan, tapi teu kabayang éarna jagat. Diheumheum! Ukur indung suku saksina. Api-api bungah basa si Cikal gumelar. Najan bengeutna mirip urang luar. Geregel.

NASIB

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 18:43:31

Unggal bada isa kareungeu jentréng kacapi ti imahna, nu mencil tungtung lembur. Nyaung-nyaung di lamping pasir, saprak manéhna mulang ti pangumbaraan nu kapaksa. Cénah baheulana mah béntangna di lembur ieu mah, katambah sorana halimpu, ngajadikeun dirina sindén kasohor. Unggal usum hajatan teu weléh diangkir manggung jeung rombongan bangréngna.
Kiwari taya sésa rancunitna. Béak dimangsa nasib nu tumiba ka dirina. Ukur sorana nu nyirikeun yén manéhna boga kabisa nu leuwih ti nu lian. Ayeuna pakasabanna nawarkeun tanaga nu geus suda pikeun ngarancét. Teu kitu buburuh ngabedug.
Waktu Ema miwarang néang manéhna, sina meuseul Apa. Panasaran kuring nanyakeun, kunaon unggal bulan sok ka Koramil. Jawabna tandes , ”Duka atuh Néng, ema gé teu terang nanaon. Majarkeun mah anggota lékra, tapi duka naon lékra téh, da nu terang mah manggung. Bérés manggung, créng dibayar. Ma’lum sakola ukur tepi ka kelas tilu SR.” Ceuk manéhna bari leungeunna pakupis ngusap cipanonna.

LEUNGITEUN (MA UNAH 16)

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 16:15:28

Rérés solat Subuh, Pa Ustadz hareugeueun, ningali si Keling panonna carindul bari ngungun taya dangiang. "Kunaon eum, tara-tara ti sasari meni baketut kitu?" Nu ditanya kalah godeg. Berebey cipanonna ka luar. "Geura pok, sugan kuring bisa nulungan!" saur Ustadz. Luk si Keling tungkul, laju ngomong dumareuda. "Ma Unah téga ninggalkeun uing," Pa Ustadz hélok. "Ningalkeun? Naha indit ka mana?" si Keling ngarénjag. "Mulih ka sarakanana." Arap-ap areup-eup. "Ari aslina urang mana?" ceuk Pa Ustadz. "Tuh!" si Keling nunjuk ka langit. "Baruk? Boa-boa, lamun enya téa mah anjeuna. Ambu..., hapunten abdi nu lolong bonconong!" cisoca Pa Ustadz nyalangkrung. "Sedih, Tad? Sarua jeung uing!" Si Keling ngaléng Pa Ustadz.

PATURAY

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 15:29:32

Teu kaharti, ari anjeun boga asihan naon? Boa boga pélét maronggé! Meni asa kumaha, lamun anjeun jauh téh. Dunya asa heurin, gawé ngan murang-maring, dekeut kana piambekeun lamun sakalieun anjeun euweuh gigireun. Lamun geus ngeukeuweuk anjeun, terus bisa nyium, dunya téh asa lega, palér kabina-bina. Padahal taya saurang ogé di sabundeureun uing nu doa, atawa anu satuju uing babarengan jeung anjeun téh. Pamajikan uing pundungna ogé dua bulan leuwih, basa apaleun uing balik deui ka anjeun. Enya balik deui, pan urang téh céélbéka. Urang kungsi paturay salila tujuh taun teu panggih. Kamari mah pamajikan uing ngancam, pokna teh “Lamun teu bisah pisah jeung manéhna, mamah mah rék ngusap birit batan daék ngudar gelung”. Baé ah teu diudar gelung mah, asal nu lainna wé diudar. Tapi émang mun dipikir teleb, taya pisan gunana wawuh jeung anjeun téh. Geus ah, ti semet ayeuna uing moal deuk ngenyot deui anjeun.

GEUS MINDENG KADÉNGÉ

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 14:57:56

Édwina élékésékéng nungguan sidang, padahal tadi sarérétan, manéhna asa ningali Bang Pras, pengacarana penggugat, lawan klién, geus datang. Mending ka kantin heula ah, gerentesna bari leumpang mapay-mapay lorong antara rohangan-rohangan para hakim. Pasarandog jeung Bang Pras katut Pa Giman anu karék kaluar ti rohangan Pa Giman, hakim ketua dina perkarana. Édwina réplék ningali kana kertas anu ngajeblag dina panto, anu unina, ‘PIHAK YANG SEDANG BERPERKARA, DILARANG MASUK’. Édwina mencrong nganaha-naha, duanana kuram-kireum.
“Rék milu yasinan, engké peuting?” ceuk Dian, basa Édwina karék jol di kantor él-bé-ha ‘Sing Sabar’.
“Di mana?”
“Di imahna Bang Pras.”
“Aya acara naon?”
“Naha teu apal, Bang Pras kamari kapanan tabrakan, cenah tos sidang. Maot saharita. Nu matak helok mah ceuk Bang Rudi jeung Bang Tumpal, unggal rék dikurebkeun, liang pajaratanana teu mahi. Sababaraha kali taneuh digali, keukeuh teu mahi, antukna mah dikurebkeun bari mayitna rada diparéngkoskeun, da kaburu maghrib,” pok Dian bari ngabirigidig.

PABUKON

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 13:20:20

"Buku téh barudak jandéla keur noong dunya!" saur Bu Guru Titin. Nerangkeun pentingna resep maca buku. Réngsé kelas, Dédé jeung Kiki lalumpatan kaluar. "Daah..., Bu Guru! Salamualaikum!" réang méh bareng. Di luar gerbang sakola, pangasuhna geus narungguan.

Poé Minggu isuk-isuk. "Ki! Tinggal tuh Aki Ja'i nuju moyan!" haréwos Dédé bari jebi. "Muhun Dé, Si Papah gé ngaréngkol kénéh!" Kiki mairan. "Kuanaon nya Ki, Si Papah sareng Si Engki téh, gugahna sok kapayunan waé ku Si Bibi?" Duanana silih pelong. Kiki gideug, bari ngangkat kadua taktakna. "Ki, 'ké di kelas cuang ajakan rerencangan nabung nya?"

Mangsa liburan sakola. Di gigireun masigit, Kiki jeung Dédé pakpikpek. Dibantuan Ujang katut Nyai nu ngabagéakeun tatamu. Acara nepi ka puncakna. Bray Kiki jeung Dédé muka layar panutup papan nama: "Pabukon Kiki & Dédé, Kanggo Aoseun Papah sareng Engki". Ger barudak émprak ayeuh-ayeuhan.

KONTRAKTOR

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2013 08:14:59

“Meni aya ku téga éta nu boga imah téh! Apal keur dicicingan ku urang, heug kalah dijual! Dua bulan gé acan apan didieu téh! Karasa kénéh pisan, kumaha capé na! Udar ider néangan kontrakan nepi ka manggih ieu imah! Ayeuna dirurusuh ku nu meuli ieu imah dina waktu saminggu urang kudu pindah! Harrrrrr!” Ceu Onah ngageunggeuik bari ngéyong-ngéyong budak nu rék saré.
Mang Dasim teu nembalan, geus watekna carang takol. Kitu deui basa cikénéh aya sémah teu wawuh ngaku nu meuli imah nu keur dicicingan. Mang Dasim ukur bisa sumuhun dawuh.
Isukna, brek, budak harééng. Meni nyebrét. Budak diobatan ku tradisional tapi batan cageur budak kalah ngagayeur miceun baé.
Poéeun isukna kudu pindah, imah can manggih jeung budak beuki leuseuh.
“Dédé… gugah atuh bageur… soléh…” layon budak diusapan diciuman.
Mang Dasim mingkin pireu.