Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Séptémber 2013 (22 Naskah)


DINA WANCI JANARI

Kénging Neneng Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 23:30:59

Lampu cepleu nu ngagantung dina lalangit sepén mélétét, séépeun minyak. Angin janari nyelendep kana sela-sela bilik. Ngusapan tonggong Wulan nu keur anteng cindeluk dina sisi dipan nu diamparan kasur lépét. Cimatana teu weléh merebey maseuhan pipi nu haropak pias. Panonna geus carindul. Kuniang manéhna cengkat. Leungeunna uyup-ayap kana handapeun kasur. Kodéhél balati. Congona ngagurilap. “Emh...,” Wulan ngarénghap beurat. Beuteungna nu mendeyang dirampa lalaunan. Hawar-hawar aya nu cocorowokan. Paselang jeung seuri nyakakak. Laju norowéco badis nu gélo. Sorana mingkin atra ngadeukeutan imah.Teu salah deui, sora Carmad, bapa téré Wulan nu geus maranti mabok unggal peuting. Lalaki nu geus ngarurujit dirina. Beledag, sora panto ditajong ti luar. Blak muka. Selotna rujad, mecleng boa ka mana. Carmad asup bari teu eureun norowéco. Bau inuman nyelebreng tina sungutna. “Aduuuh...!” Carmad ngagoak. Wulan ngaranjug. Jung manéhna nangtung. Balati dicekel pageuh. Kojéngkang muru patengahan. Kasampak Carmad guyang getih. Hiji arit nancleb dina beuteungna.

SINYALNA AWON, CEU!

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 22:55:07

Léptop anyar hayoh diilikan. Reueus. Pada ngariung. Kabeneran mitoha keur ngéndong.
"Naon éta téh, Jang Guru?" mitoha awéwé nanya.
"Léptop, Ma!" némbalan semu agul.
"Paranti naon? Sabaraha hargana, Jang?" talété.
"Jangeun ngetik surat, fesbukan, jeung mikmin, lima juta leuwih, Ma!" pamajikan mangnémbalkeun. Jempé. Léptop digulang-gapér. Bingung. Ukur bisa ngahirupan wungkul. Lep. Tombol On. Bray. Dina layar ngajeblag gambar. Mencét itu, mencét ieu. Nu penting gambar dina layar, gunta-ganti. Éra. Bisi kanyahoan teu bisana. Mangkaning tatangga rabul. Harayang nyaho léptop.
"Pa Guru, abdi pangdamelkeun surat perjangjian ngagadé sawah!" ceuk Mang Jumad. Teu ditémbalan. Api-api teu kadéngé.
"Ceuceu mah hayang dipangnyieun surat, keur Si Unah di Arab! Tah kontan!" Ceu Jumsih ngasongkeun duit sapuluh rébu. Beuki bingung. Leng. Lain ogé guru. Akal jeung ékol kudu bisa, tibatan wirang.
"Paling tiasa ogé énjing. Sinyalna awon ayeuna mah, Ceu!" némbalan bari kéom. Pamajikan nu keur nginum, kabesékan. Cai muncrat ka indungna.

BALIK

Kénging Ade Fathu Rachim
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 22:21:02

Rurusuhan muru lembur bakating teu kaampeuh ku kasono hayang salat berjamaah di Masjid Jami. Enya rumasa tambelar, geus ampir lima taun teu balik alatan geus euweuh burueun. Bapa-Ema pan geu taya dikieuna. Ku kituna asa percumah ka lembur ge ari teu bisa sungkem ka kolot mah.
Ngan aya eta ge nu sok ngeleketek hate. Nyaeta sono ka para ahli berjamaah di Masjid Jami. Aya Mang Aman tukang adan; nu sora jeung lagu adan-na teu eleh ku mu'adzin di Masjidil Haram. Aya Mang Munir imam nu sok maca Surat Al-'Ala dina satiap salat Magrib. Aya Mang Uha, Mang Eman, Aki Fi'i, Wa Eni, Bah Engko nu jadi makmum satiana. Salat jeung maranehna sok karasa tumaninah. Hate nu keur tagiwur langsung tingtrim, sirah nu keur ngagolak langsung nyecep tiis. Numatak balik ka lembur teh hayang salat Magrib berjamaah, hayang niiskeun pikir.
Sadatangna ka Masjid Jami, Mang Aman suwung, Mang Munir towong, Mang Uha spk absen; Masjid Jami molongpong!. Basa ditanyakeun ka hiji budak nu ngaliwat bari mamanggul gitar, pokna: Sadayana ge tos ngantunkeun! Innalillaahi..... Uing hareneg: Saha gantina nu dek ngama'murkeun masjid? Mun barudak waktu magrib leuwih pogot ngahaleuangkeun lagu Noah batan ngagalindengkeun adan?

CEUK NU NGAMALIR KA JALADRI

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 22:01:54

Niténan anjeun. Nu nyurulung tina pancuran. Matak reueus. Jadi sumber kahirupan jeung guru balaréa. Turutaneun. Tara ngacirikeun najan ngawasa leuwih ti satengah haliyah dunya. Asor.

Réma urang pataréma. Nandéan anjeun maké leungeun. Ngiricik. Disibeungeutkeun. Seger. Lalaunan kuring ngajak nyarita halon, “Cik Kang manawi kersa masihan bongbolongan suksésna?” kuring muka wangkongan, basa nu nyalangkrung diregot. Mungkas halabhab.
“Ah biasa wéh Yi! Intina mah tong sok bagerak sosoranganan. Sabab dina hasilna gé, tara leuwih ti sakeclak nu mo bisa ngalantiskeun hanaang.”
“Maksadna?”
“Ayi kudu aub. Ngahijikeun diri jeung jaladri kahirupan. Sing sajatining manunggal. Nyarungsum. Ngigelan jaman luyu jeung kaparigelan nu dipimilik.” kuring unggeuk.

Tuluy nengetan deui manéhna nu méré tuladan ngaliwatan keclak cinyusu nu ngamalir ka pancuran. Laju kebat muru sungapan. Nyungsi muara. Pikeun ngawujudkeun tanaga nu rohaka. Taya bandinganana.

CADU KORUPSI

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 21:11:53

Di terminal. Saurang calo, dibaju oblong hideung. Lebah tonggongna aya tulisan ngajeblag, “Basmi Koruptor Hingga Kroni-kroninya” Basa isuk-isuk, manéhna keur ciweuh. Cocorowokan. Gugupay. Naékeun panumpang. Ka unggal beus nu geus meténg, namprak ménta buruhan. Kitu jeung kitu wé, nepi wanci nyedek ka soré. Poho dahar, asa lapar. Koréléng ka warung kéjo. Pesen rada royal. Deker, dahar. Rérés ngeusi peujit, bari ngepluk udud, ngitung beubeunangan. “Lumayan, aya kana saratus rébuna,” gumerendeng. Dipaké mayar ka tukang sangu jeung mungkus sakalian, keur nu di imah, opat puluh lima rébueun.
Kaluar ti warung, lalaki busekel pakulitanna rocét ku tato, nyegat. Namprak, “Sia, can setor, meunang sabaraha, anjing?” “Kaleuuum, Bos..! Yeuh, lima puluh lima rébu!” ngudulkeun duit kéncring tina sakuna. “Nu balég, ngan sakieu, jing!” “Sumpah, teu nyumputkeun sapésér-pétot acan! Daék medu, Bos!” ngabelél-belélkeun saban sakuna.***

020913

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 20:22:53

Langit kateuteup cangra. Tangkal Akasia nu ngabaris, siga banget kangen kana ngeprisna girimis. Aya sésa-sésa tina galindeng halimun. Tina iuh-iuh nu mirupa panon anjeun nu liuh.
Sok ras kana kelét nu ngaluna-maya. Pencrong ogo nu teuing di mana ayeuna ayana.
"Nunutur kalangkang mah, moal aya cacapna. Najan gandrung nitis dina unggal kembang nu maluguran. Paling gé simpé nu bakal maturan," ceuk gerentes na dada lebah kénca.
Tina detik kana detik. Ngagambar bulan dina unggal petengna peuting.
Disimbutan ku jempling pangtiisna.
"Néng...kuring milih satia. Kana sajak-sajak nu pernah ditatah ku urang dina kapengkuhan akasia. Kana unggal keclak cimata nu pernah ragrag tina kasono nu ngagalura."
Jandéla ditutup. Tineung kumalayang mapayan lalangit kamar.

NGAWAKILAN BOBO RAOS

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 19:33:48

Barang ningali potrét anu diaplod Ceu Euis, Cineur jadi nafsu. Amarah. Hayang teuteunggeul ka kabéh jelema anu aya dina potrét. Rék dahar, inget potrét, teu jadi dahar. Rék saré, inget potrét, teu bisa saré. Huleng jentul. Aing kudu nyieun tindakan, gerentesna. Sanggeus nyiapkeun sagala rupa anu diperlukeun, Cineur indit ka Jakarta. Sosoranganan. Keketeyepan. Bus, asup ka gedong agréng. Bener waé, Cineur ningali jelema anu kalakuanana sarua jeung anu katingali dina potrét. Cekés, korék api dihurungkeun. Sut, pepetasan diseungeut.
“Kebakaran! Kebakaran! Kebakaran...!” Cineur gogorowokan bari ngalungkeun pepetasan. ‘Yang terhormat wakil rakyat’ anu keur malolor dina korsi empuk bari dihihidan a-sé, pating gurubug bari nyarusutan acay. “Satuju...,” cenah, rampak.

LAPUR

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 18:25:35

Ajengan Mahmud neuteup seukeut ka Adun nu tumungkul, ajrih ku komara ingkang rama.
“Ama moal ngambek najan wirang mah tangtu ku polah hidep. Ama geus satékah polah mapagahan, ngangkat darajat, miwuruk ku rupa-rupa bag-bagan élmu agama ogé étika ka hidep. Éta sakabéh bekel, ku hidep kari prakna, anaking…” leuleuy, taya gurat keuheul. Adun beuki ngeluk.
“Pasifatan curaling, umangkeuh asa aing, jauh tina agama nu diguratkeun ku Gusti sareng Rasul-Na. Geus mindeng dipapadonkeun ku ama. Nu kitu tong dijadikeun papakean, elu… Cukat-cokot banda teu bébéja, ngadu rucah saban wayah, éta kabéh saukur kanikmatan dunya. Jero-jerona mah ngan saukur nyiksa diri rusak raga. Naha teu hayang ngabagjakeun hate bari teu ngadoréksakeun deungeun? Naha teu niat nyenangkeun harkat bari teu hianat kana martabat? Sagala rupa élmu hikmah geus kacangkem ku hidep, kari toja’iahna…” soca ajengan nu iuh, lir neuleumkeun Adun kana leuwi nu jero.
Kedeprek, jang Adun nyuuh. Geletuk… kerelek. Hos, wéh.

LALAKON ODIN & UNAH (ADEGAN 3)

Kénging Yusef Muldiyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 18:19:53

Sisieun sumur. Unah nyeuseuh. Odin ngabantuan. Unah ngarérét ka Odin. Pok ngomong “Odin, sirah anjeun téh eusina uteuk. Lain hileud bulu. Uteuk téh kudu dipaké, ngarah teu bulukan.” Rét, Odin mencrong seukeut ka Unah. “Maksud manéh naon nyarita kitu?” teu ngartieun. “Lamun rumasa boga uteuk, sok atuh nyiar gawé. Sing hasil. Baé buburuh macul gé. Tingali Mang Karsan. Cacakan ukur dagang Lontong Tahu Sumedang, bisa mangmeulikeun geulang jang pamajikan. “Tong hudaaaaang…! Tong hudaaaaang..! Lontong Tahu Sumedaaang…!” Karsan ngaliwat. “Tuh geuningan. Panjang umur Mang Karsan. Nyaho Mang Juhana? Tukang dagang Tahu Cibuntu? Manéhba bisa nyakolakeun budakna, nepi sarjana.” Sabot Unah ngocoblak, torojol Juhana numpak sapédah . “Huntuuuu…! Huntuuu…! Tahu Cibuntu…!” Ukur ngaliwat. “Ari manéh Odin, iraha rék mangmeulikeun geulang jang kami? Namprakkeun Leungeunna. “Unah, sirah anjeun téh eusina uteuk. Lain oray sawah. Paké uteuk téh, Ngarah teu lukutan.” ceuk Odin. “Naon maksudna?” Unah popolotot. “Salaki pangangguran, ngadon dipéntaan geulang!” ceuk sumur.

GIRIMIS JANARI

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 17:53:09

Hujan ngaririncik tinggal girimisna. Hawa nyecep, nyulusup nembus sumsum. Beuteungna nu meuleuneu diusapan, deudeuh. "Utun, sing jadi jalma ngabakti ka lemah cai...."
Nu diusapan siga nu terus rasa. Mijah.
"Kulem deui, Ka. Tiris."
Halimah malikeun awakna. Narik simbut.
"Tahajud geulis...."
Dituyun leungeunna kalah merod.
"Si Utun motah baé, Aka...."
"Hoyongeun dilongok...."
Jeletot nyiwit.
"Sakantenan ibak?"
Haroshos.

Bérés salam, sora nu tinggareblig. Remeng-remeng, kacaangan lantéra. Tentara barét héjo rajeg di buruan.
"Aka, nyumput ka para...."
Halimah muntangan.
Brak. Panto rujad didobrak.
Kasman nongtakeun bedil.
"Dimana pa Sadikin?"
Reugreug. Pa Sadikin geus miang ka Darmaraja. Tapi, melang ka Mayor Abdurrahman nu di Cibubuan kénéh.
"Dimana Goblog?"
Kasman mingkin bengis. Moal betus. Hamo nyerah ka jalma paéh rasa. Ngajual bangsa demi banda.
'''Habisi dia!'
Jelebét puhu bedil notog sirah. Dérédéd. Timah panas nembus dada. Reup, poék. Getih awor jeung girimis ipis. Kapireng, Halimah ngahariring ngayun ambing.orok montok 'na aisan.

Cibubuan 1949

HAYANG KASOHOR MUMUL TEKOR

Kénging Ramana Putra
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 17:28:03

"Geus lamun kitu carana mah Déwék moal rék pipilueun." Jung, nangtung laju ngaléos ninggalkeun riungan. Sawala taya kaputusan. Hog-hag diadu kamandang, jauh kénéh tina kasapukan. Mandeg kunu sarupa, aya nu asa kabeuratan. Najan nu sawaréh siap ngayakeun réréongan, ngan nu sawaréhna deui teu nyaranggupan. Sawala bubar. Pupuhu Panicia acara nyangsaya. Leng, ngahuleng. "Lamun nepi ka bolay ieu acara, pisakumahaeun wirangna. Ari rék dituluykeun, heueuh kitu geuning anggota téh buktina," ngagerendeng bari nangkeup sirah. Meureut uteuk, ngaracik pikir. Nyéh seuri, aya sakolépat nu méré harepan.
Saminggu ti harita sawala dituluykeun deui. Pagempungan simpé. Pok, Pupuhu ngabiantara. Réngsé unjuk salam. " Alhamdulillah acara nu ku urang dicita-cita téh baris laksana. Kalayan parawargi sadaya keur saheulaanan teu kedah ngémutan waragadna. Nu penting kersa ngalaksanakeuna." Acan gé réngsé cacarita kaburu aya nu nyorowok. "Satuju...!," sora Mang Kohar pangbedasna. Teu engeh yén opat bulan kahareup mayar rekening listrik baris aya émbohna.

KAWUNGHAJI PANINEUNGAN

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 16:26:41

Pepedut nyingray katiup angin. Bréh. Panggok nu ngalamuk, atra. Ngadérét nepi ka hunyur sisieun ranca. Kuntul bodas hiber saluhureun cai nu tingborélak. Papatong rabeng. Sawaréh euntreup dina pucuk turiang. "Ang.. abdi ngawiat.. pun anak.. " pokna. Dédéngéeun. Wasiat panungtung saacan réma-rémana lésot tina ranggeuman. Ngulahék. Nyi Retna sideku gigireun dipan. Beungeutna nyusup kana harigu nu ilang keketegna. Cimatana merebey. Renghik nu teu kamalinaan. Sadrah. Budak ngageubra dina pangkonan. Tibra. "Deudeuh teuing, Sujang." Késang nu renung dina tarangna disusut ku carécét. Sabada layon dikurebkeun, maca talkin, budak beuki maskét. Embung pisah. Nepi ka usum gacong. Wanci rék nepikeun maksud. Leuir. Pokna : "Abdi terang maksad, Aang. Sanés badé baha. Hapunten." Teu walakaya. Ukur pangjajap du'a. Ngawilujengkeun, waktu Nyi Retna jatukrami jeung Koh A Cun. Tuluy diboyong ka dayeuh. "Mang, énggal ka tajug. Barudak taya nu ngawurukan!" jorowok tukangeun. Pacul gura-giru dibersihan. Cengkat. Ninggalkeun panineungan nu teu weléh kalongokan.

CITA-CITA

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 15:51:38

Sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patéma-téma, ari can nepi kana waktuna biheung teuing tinekanan. Tong miharep senang ladang instan. Enya gé aya nu modél kitu, pan éta mah rahasiah Illahi. Pédah loba kabéjakeun, nu teu puguh dimana asalna bisa jadi selebritis dadakan. “Hayang siga si Tegar, hayang siga si Dédé Ovéjé, piraku aing teu bisa.” Kitu Lamunan Kasman. Boga tékad anu buleud hayang ngadu nasib ka kota. Méméh bral miang manéhna nepungan Ki Aja kokolot lembur. Hayang dijiad dipangdoakeun sangkan bisa hirup senang. Gawe teu capé tapi bisa ngahasilkeun. Tisaprak ingkah ti lembur, tilu taun parat manéhna teu mulang. Indung bapana mimiti hariwang. Tatanya ka nu bisa lebeng euweuh jawaban. Kasman. Di kota ukur ngahuleng. Ngarasa can jucung tujuanana. Balik éra teu balik piraku. Ras inget kana cita-cita. Hayang gawe teu cape tapi ngahasilkeun. “Asa geus tinekanan. Pan aing téh tukang jaga wésé, gawéna ukur diuk, duit datang sorangan.” Gerentesna.

KAREUEUS KURING

Kénging Ida Nurulhuda
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 12:33:56

Bareng samobil jeung sababara urang tatangga. Balik nganteur anakna sakola ti lembur séjén. Katara maranéhna semu kagok. Satékah polah kuring netegkeun rasa, sangkan pasemon teu ngadadak béda. Geuning lain ukur di kota kiwari mah. Kolot pipilih téh. Nangtukeun sakola nu luyu jeung kahayang sarta payus pikeun anakna. Kawilang lila ngajar katut ngokolakeun taman pikeun barudak can sakola. Babakuna ngawurukan iqro. Malar barudak leuwih tiheula mikawanoh Al- qur’an. Ukur sakitu pamiangan téh. Upama kiwari ngalegaan bagbagan, wuwuh ngindung ka jaman. Ngan hamo ngaduakeun pangaweruh agamana. Sok heneg sakapeung mah. Mun mireng aya tatangga nyakolakeun anakna ka TK séjén. “Di ditu mah guruna garinding. Puguh pipéénéseun wungkul. Aya basa Inggris sagala. Teu loba ngaji,” alesana. Ti saprak nyaho kitu, kuring gedé haté. Reueus. Sanajan guruna teu ginding, tur ukur maké panganteur basa Sunda. Piraning budak bisa maca Qur’an jeung nyarita ku basa indungna. Naon onjoyna atuh. “Éléh géngsi ,” ceuk maranéhna.

(19) JANG ODIN & NU KASAMBET

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 12:12:36

Néng Halimah teu damang. Nyebrét. Geus saminggu. Salirana orot pisan. “Lain sagering-geringna, ‘Bro!” Si Colat yakin. Odin nu hariwang. Nu ngadungakeun saban usik. Gogodeg. “Teu percaya? Hayu, geura!” Si Colat ngasongkeun leungeun. Odin kerung. Tapi teu burung nampanan. Sasalaman. Masigit ujug-ujug ruyag-riyeg. Bruy-bray. Béntang. Katumbiri. Muntir di jero halimun. Ngabelesur.

Jleg. Pindah tempat. “Rancaheulang, ‘Bro!” Si Colat ngaharéwos. Luak-lieuk. Geus aya di hiji nusa. Pangeusina tingkalayang. Mangpirang heulang arahéng. Tumplek di paséban. “Néng Halimah jeung Si Samberawing,” Si Colat nunjuk. Bréh. Halimah. Ménor. Didangdanan pangantén. Digondéng heulang harelung. Odin mureleng. Kunyam-kunyem. Laju muntir-muntir tasbé. Nyebrut. Ngarebut Halimah. Angin puyuh gumelebug.

Pangeusi Rancaheulang tingjarerit. Tingkoléang. Si Samberawing digulung. Dihelangkeun ku angin puyuh. Gumuruh. Lus-les. Dileleg halimun peteng. “Wéiiis, hebriiing, ‘Brooo!” Si Colat gogodeg. Reueus. Isukna. Langit wening. Lembur hégar. “Alhamdulillah. Cageur budak téh,” walon Ajengan basa ditanya ku Tuakampung. Odin imut. Tonggoy ngelapan kaca masigit. Si Colat ngacungkeun jempol. Sagedé bedug.

DI PULO BURU

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 11:53:56

Salametan opat bulanan. Bada Magrib. Ngondang tatangga, ogé dulur. Nu dareukeut wé. Peutingna, rérés solat Isa. Aya nu keketrok. “Nyai, peuting ayeuna Akang kedah ka Lubang Buaya. Moal lami!” Ngusap heula beuteung nu keur kakandungan. Biur indit jeung nu tadi nyampeur.
“Ganyang…! Bubarkan PKI…! Gantung komunis…!”
Béja kudéta, jeung penculikan jéndral sumebar. Tepi ka borojolna orok, nu ti Lubang Buaya taya embol-embol. Tug tepi ka indung kuring sakulawarga dibuang ka Pulo Buru, Bapa euweuh laratanana. Ceuk nu jadi indung, Bapa téh aub dina kagiatan organisasi pemuda geusan mertahankeun révolusi. Kungsi, Bapa dibibita pikeun gawé di Politbiro. Cenah, keur nyanghareupan anték kapitalis, kontra révolusi. Ngan, Bapa nolak.
Kuring ukur bisa neuteup Bapa dina potrét nu méh rumeuk. Potrét Bapa nu keur mangku lanceuk kuring, nu kakara dua taun umurna. Potrét sabulan méméh Bapa miang ka Lubang Buaya.

KAMELANG

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 10:44:30

Cenah, salira keur marudah, guling gasahan. Galura campuh jeung cimata. Tapi can puguh teuing timana jolna. Panon poé morérét ka soréna keun. Panas nongtoréng taya angin ngahiliwir. Kabéh alatan manéhna. Nu maneuh teu daék reureuh, nagen dina angen teu kasaba ku sasaha, ngan méré ka-kangen, tan wates wangen. Ditéangan mimitina, teu kasaba. Kolébat hiji sora, pék baca ! Titahna. Teu ngawaro. Tepi ka sababaraha kalina. Teu bisa maca, teu purun. Baca ! Keukeuh nu nitah. Antukna léah, alam sabudeureunana lir aksara, bacaeun sararéa. Aya lenyepaneun, dina sela sela langit. Aya syukuraneun, dina sajuru juru kahirupan. Unggal léngkah anyar, geus aya dina bukuna. Kapaksa kudu dibaca. Maca nalar nu jembar, sangkan karudet jadi henteu pajurawet. Gustiii, geuning saincak incak haté téh midua waé. Kana tumarima jeung keukeuh ngadago angen-angen nu can kahontal.
Tapi harepan lain ngan kari sésa. Di ditu, aya méga bodas nu ngapak nganteurkeun bagja, husus keur salira.

TUMBAL

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 09:55:26

Anyar kénéh ngurebkeun, ayeuna geus ngurebkeun deui. Tapi taya riuk-riuk sedih.
"Kudu aya nu paéh mun hayang aya nu hirup." Pokna, teugeug.

Nyilalatu. Pananya hideung ti unggal dada. Jelema lain? Mumbul. Nutupan langit rasa. Papayung katéga.
Astana pinuh tetengger. Ngaran-ngaran anéh, ditulis maké hurup mutahir. Matak silo nu maca saliwatan.

Manéhna ucang-ucang. Senang.
"Heueuh da kudu kitu mun hayang kieu mah!"
Bari ngitung dolar. Bru, tukang tahu. Nyuuh kana lahunanana. Cakakak manéhna ni'mateun pisan.
Eureun-eureun kabesékan. Jegroh-jegroh, batuk. Crot, crot! Beureum, gegeblégan. Bilatungan. Ngagedéan. Jangjangan. Haliber. Areunteup dina awak urang pasisian nu kari kulit jeung tulang. Nyayang. Baranahan. Ngawabah. Jadi panyakit modern. Nungtutan dikurebkeun. Sajajar jeung nu dikurebkeun ku manéhna. Sarining ati sanubari. Tumbal.

(6) MA UNAH

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 09:42:58

Anjog di Pananjung, terus muru pangrereban. Sanggeus reureuh jeung solat Isa, Ma Unah lapor ka ketua rombongan. "Encép! Ema badé jalan-jalan!" pokna. "Mangga Ma," témbal ketua rombongan, percayaeun ka Ma Unah moal sasab.
Wanci sareureuh budak. Ma Unah geus aya di Cagar Alam. Hut-hét, ngolah raga jeung rasana. Teu sawatara lila, gék diuk. Rep sidakep. Panceg jam dualas. "Unah...! Geura reuskeun awak téh, isukan aya pigawéeun, loba jalma nu sok nyalahkeun kuring, padahal maranéhna nu talobéh!" ceuk sora tanpa jirim. "Pangapunten, nun! Saupami aya nu kaléléd lambak, mugi kersa ngadorong dugi ka sisi! Supados salira teu dipitenah waé," gerendeng Ma Unah.
"Nu haténa beresih ku kaula dibantuan, lamun nu sompral, moal bisa." Sakedapan jempling.
Bray, Ma Unah beunta, nyampak aya banténg ngadepong. Ma Unah surti. Clak, tumpak. "Nepi ka gapura, nya!" ceuk Ma Unah. Jog, di lawang Cagar Alam, jleng, luncat. "Nuhun!" ceuk Ma Unah bari nepak bujur banténg.

SARANGGEUM MALATI

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 02:06:56

Héran. Jeung kagugu. Tapi teu burung digugu. Panon dipeureumkeun. Dua dampal leungeun namprak, diréndéngkeun. Karasa. Dieusian kembang. Laju taar, diambung pinuh kadeudeuh. Geter pangwilujengna awor jeung dalingding malati. Kuring. Laju dituyun, ninggalkeun tepas. Anjog kana treuk nu geus ngagerung, siap miang. Mas Tono lanceuk kuring keur paparéntah, sangkan gancang hijrah ka Djogja. Kuring nu keur ngandung si utun inji, ditaékeun kana treuk. Salaki, laju awor jeung pasukanna. Rék ngahuru dayeuh Bandung. Meunang béja. Cenah Gugur. Nalika Tegalega jeung Cicadas di bom ku penjajah.

“Wilujeng Tepang Warsih, Putri!” Gebeg. Budak ditangkeup, ti pepereket. “Duh, kasép, incu éyang. Saha nu mapatahan hidep téh?”

Malati tina ranggeuman mancawura. Mireungeu papatahna ti Aki-aki, nu leungeunna buntung sabeulah. Jeung beungeutna karijut urut kabeuleum. Anu biasa dagang cocoan jeung balon. Hareupeun Sakola TK, asuhan kuring. Salila ieu.

TUNGTUNG JAGAT

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 02:04:58

“Dimana tungtung jagat Mbi Antéh?”ceuk anak Ucing ka Antéh nu keur ngarénda impian. “Di alak paul..” jawab Mbi Antéh, tonggoy digawé. Leungeunna ngécos teu eureun-eureun, ramona tapis mébér- mébérkeun. “Dimana alak paul..?” anak Ucing nanya deui. “Béh ditueun nu warna-warni, deukeut jeung nu disebut, jauh jeung nu dipikahayang” tembal Mbi Antéh, bari anteng ngahanca gawé. Angin ngagelebug, tapi taya nu ngahéor. Bari taya anu oyag. Lir pulas, héjo bagedod, maledog kanvas langit. Nu abu-abu. Bruh-bréh, témbong, angin héjo. Angin beureum. Angin konéng. Kulawu. Bulao. Bodas. Cur-cor ti buwana papat. Enya cur-cor lir cai. Ngadalapan di sela-sela midua papat. Lukisan jutaan warna ngalayang . Anak Ucing ngahuleng, bari mélététkeun panon. Lukisan sagedé dunya, nyampay na taktak Antéh. Panasaran, barina hélok, inyana ngaharewos. Haroshos. “Dimana tungtung jagat mbi Antéh?” Nu ditanya ngabalem suni. Tan sora.

Karungu: ”Béh ditueun nu disangka ku anjeun, béh dieueun, nu rék dipokkeun salira”.

NU MILU

Kénging Yan Himura
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2013 01:21:07

Kapeutingan. Aya janji ka Dadan. Ngirim poè ayeuna. Deklit geus nampel na motor. Kumplit. Biur. Ngalér. Ngajujug ka DamerCell. Samèmèh Pom. Kasorot lampu. Awéwè ngulang-ngulang leungeun. Reg. Harepeun nu lenjang. Rambutna panjang sacangkêng. Seuri.

"A..!tiasa ngiring ka payun?" Bari ngadilak.
"Mangga waè..!Mung calik luhureun deklit "
Clak. Gep. Ngarangkul cangkéng. Seungit. Motor ngageuleuyeung. Nu geulis ngadaplok. Haneut. Biwir ambucuy sakapeung antel beuheung.

"A..!Pami abdi ngiring nguriling teu sawios?" Narosna bari ngantelkeun gado na taktak.
Alah siah! Naha jadi hayang milu? Wah ieu mah awéwè teu balég. Cèkèng tèh na jero hatè.
"Ih .. Ulah lepat sangki. Abdi mah sanès istri model kitu..!"

Rèt. Katukang. Seuri. Nepi ka DamerCell jam sabelas peuting. Jrut. Kuring turun. Nu geulis nuturkeun. Gèk. Diuk. Song. Ngasongkeun korsi ka nu geulis. Dadan colohok, bari nanya "Nyodorkeun korsi ka saha, Lur?"
"Ka ieu...!" Ngajawab bari ngarérét. Gebeg!.