Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Agustus 2013 (19 Naskah)


BASA NYECEP SI UJANG

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 23:27:26

Papacangan jeung manéhna geus kaitung lila. Ti mimiti umur anakna opat puluh poé nepi ka meujeuhna sundataneun. Asih manteng. Mayeng. Niat keyeng hayang buburu mihukum manéhna. Kapimilik sagemblengna. Kasapih. Kuring dines luar. Di pangumbaraan, laratan manéhna dumadakan taya kolébat-kolébatna acan. Rupaning cara dipecakan. Nyamos. Ahirna pleng les!

Bébas tugas. Kebo mulih pakandangan. Kuring mulang ka sarakan. Mapay laratan kikindeuwan. Mobok manggih gorowong. Aya jalan komo meuntas. Surat ondangan ti manéhna ngiberan. Sujang badé disepitan. Tatahar. Kukumpul. Gilig rék nyecep bari nyelendep. Kabayangkeun pataréma réma jeung manéhna. Solongkrong. Sun tangan.

Cunduk waktuna. Datang angkaribung. Rébo ku babawaan diémbohan rupaning cocooan. Dipapagkeun. Sujang diais ku lalaki nu sapantar jeung kuring. Sujang cikruh ngampihan oléh-oléh. Atoh pisan. Tutas sasalaman jeung nu ngais. Gura-giru amitan mulang. Basa engeuh haté bet terus nyarékclékan.

MILARIAN IDEU

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 22:13:37

"Badé cios maén catur di Pa Lurah téh, Pah?" Pamajikan nanya. Pédah ningali kuring dangdan.
"Cios atuh, bari sakantenan milarian ideu. Kanggé fikmin!" méré alesan. HP dina pésak, ngahaja dipaéhan. Sieun Santi ngamiskolan.
"Punten, pangmasihkeun heula kaputan ka Ceu Jumsih!" pokna. Ngasongkeun bungkusan. Meg. Teu loba omong, sieun curiga. Ongkohan ayeuna mah, indung budak téh jiga nu ngambeu. Mindeng tataléngténg, teu kaop incah. Motor dibijilkeun. Teu kuhanteu, ban kempés. Kapaksa nambal heula. Geus teu kaampeuh, hayang geura gok jeung Santi. Babaturan pésbuk, nu sok inbokan. Poto profilna, mirip Nike Ardila. Can nyobaan ari teteleponan mah. Sieun katohyan. Geus pasini rék lalajo dangdut. Nepi ka tempat nu dijangjian, aya nu cinutrung. Maké jékét biru. Nukangan. Panasaran dimiskol. Térétét. Hapéna disada. Sidik manéhna.
"San, tos lami ngantosan?" nu ditanya ngalieuk. Gebeg.
"Har, geuning Mamah?. Nuju naon didieu?" geumpeur.
"Nuju milarian jalu!" teugeug, bari ngagupayan tukang ojég.

OVER DOSIS

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 21:36:09

Prung padungdung, uing mecak jurus bubuka. Teu poho mapatkeun jampé pamaké. Nyambat karuhun ngagupay kawasa alam sangkan nyurup kana raga. Teu kudu lila, sakumaha biasa karasa punduk beurat. Aya hawa panas asup kana puhu ceuli. Nyaliara ka sakabéh urat. Nyulusup na tulang sandi. Getih karasa ngagolak. Awak hampang panon beuki awas. Opat patandang hareupeun kaciri ngaleutikan. Ngahuleng teu bisa ojah. Uing ngagerem. Maranéhna ngajengkang. Kapiuhan.
Keur anteng jurus pamacan, karasa hawa panas nyelesep kana palangkakan. Minuhan beuteung, sup kana jajantung. Eungap tapi ngeunah. Awak karasa beuki hampang, samalah bisa turukal térékél kana tangkal jeung suhunan padépokan. Kabéh hélok kaasup Ki Juhé, guru uing. Uing muih bari mimiti ngabuburak suhunan, ngaruntagkeun tatangkalan. Ngaruntuhkeun padépokan. Uing gégétrét arateul tingkat déwa. Ki Juhé ngabura, teu teurak. Uing motah, malik ngabura. Kabéh mabur muru salamet, sieun di cakar tuluy di cekék. Déwan guru nyarempod. Pamacan jeung siluman monyét galungan na dada uing, sapaéhna.

COPET JEUNG COCODOT

Kénging Ruhiyat R Sumardiharja
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 19:13:57

“ Pagawéan manéh naon?”
“ Nyopét!”
“ Copét atuh ngaranna manéh téh?”
“ Nya terserah manéh etamah.Tapi profési! boga aturan jeung kartu kaanggotaan copét. Jadi resmi jeung nyatakeun, yen kuring anggota copét “ boleh beroperasi dimana saja”.Kitu tah!”
“ oh...kitu”
“ Jadi nu gawéna sok ngahakan duit nagara ogé copét atuh?”
“ Yeuh...ari nu sok ngahakan duit nagara mah lain copét”
“ Naon ngarannna?”
“ Codooot... étamah alias co..co..dot tukang ngahakan duit rahayat nu dikumpukeun ku nagara.
Gawéna gugulantungan dina tiang hukum hiber kaditu kadieu néangan pihakaneun.
“ Sarua atuh jeung manéh. Ari codot boga teu aturan?”
“ Nya boga atuh...malah bisa nyieun sorangan maranéhna mah”
“ Hayang euy jadi codot. Dua rébu opat belas mah rék nyalon jadi cocodot. Sugan baé di ajak ku bapak cocodot”

LALAKON ODIN & UNAH ( ADEGAN 1 )

Kénging Yusef Muldiyana
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 16:41:38

Unah keur nyeuseuh sisieun sumur. Rét ka kénca jeung katuhu. Néangan salakina. Teu témbong kumis-kumisna acan. “Odiiiiiiiin…!” ngagorowok tarik naker. “Naon Unaaaaah…!” Sora Odin teu éléh gorowok. “Teu sopan siah, Odin. Nyebut ngaran kuring teu maké tilam! Apih jeung Amih ogé, nyebutna Néng Unah.”
“Heug atuh. Aya pikersaeun naon, Neng Unaaaaaaah?”
“Ari manéh dimana, Odiiiiiiiiiiin?”
“Di jero sumuuuuur…! Néangan Harta Karuuuuuuuun…!.”
“Manggeus! Montong loba ngahayal! Pangmencétankeun tonggoooong!”
“Sangeuk! Maenya saban poé mencétan.”
“Diitung yeuh tepi ka saratus. Mun teu mencétan, serahkeun aing! Hijiii…, duaaa…, tujuuuh…,”
Geuwat Odin hanjat. Nyampeurkeun pamajikanana. Mencétan.
“Tah Kitu. Engké bada mencétan, tuluykeun nyeuseuh nya?”
“Embuuung! Pamajikan batur gé tara ninitah salakina nyeuseuh, mencétan,”
“Ceuk sahaaa…? Yeuh, Cép Asbud mah paling resep mencétan pamajikanana. Sapoé tilu kali. Siga dahar obat.”
“ Pamajikan Cép Asbud mah séksi, matak resep mencetanana ogé. Matakna manéh téh fitness, geura!
“Kadieukeun duitna jang fitness. Sapuluh juta!” leungeunna namprak.
“Haaaaaah?” Odin calawak.

KANG SANTOSA, JIGA SI PAHIT LIDAH

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 16:14:13

“Méty, lamun anjeun keukeuh peuteukeuh hayang meuli saham kuring, heug ku kuring dijual, tapi inget, lamun anjeun nyoba-nyoba ngulinkeun kuring, tingalikeun waé, anjeun bakal kéré,” ceuk Kang Santosa ka Méty Chong, batur bisnisna. Kang Santosa sakulawarga pindah ka luar pulo Jawa. Sataun teu mayar, diantep. Lila-lia telepunna teu aktif. Taun kagenep, Kang Santosa panggih jeung Harry Tan. Méré nomer telepun Méty. Ditelepun. Méty Chong ngajawab yén pausahaanana bangkrut. Mobil tiluannana geus béak. Nu Baby Benz dibawa kabur lalaki piaraanana. Mobil bé-ém-wé dijual. Mobil Panther katabrak karéta api di Semarang. Imah duanana nu di Jakarta jeung nu di Yogyakarta geus dijarual ogé.
“Lamun teu percaya, San, datang waé ka dieu, kuring ayeuna jualan pecel deukeut Gembira Loka, sapincukna dua rébu lima ratus pérak,” cenah, lumengis.

TAKSI

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 16:08:17

Minggu Soré. Nyi Ita geus dangdan. Rék panggih jeung sobatna basa SMP. Gep, kana HP. Nilpun Taksi langganan manéhna. “Pak, jemput di Kalibata No. 20!” Ditungtung telepon, kadéngé sora arapap-eureupeup. Teu paduli. Klék, HP dipareuman. Satengah jam taksi can ngurunyung waé. Teu talangké. Gep deui kana HP bari ambek ngagedur. “Pak, daék teu ngajemput ka Kalibata téh, maenya geus satengah jam teu datang waé! Propesional ari gawé téh!” Kekecapan murudul lir hujan pasosoré. Ditungtung telepon nyoara. “Ini sama bu Ita?” Leuleuy. “Iah, sayah bu Ita, kan tos langganan! Diantosan!” HP ditutup satengah dibantingkeun. Prooottt...! sora sms jiga nu ngaléléwé. Bréh dibuka. “Punten Bu Ita, aya peryogi naon titadi nelpon abdi, miwarang ngajemput?” Ningali nomerna. Si Boss. Astagfirulloh....*

(3) DULÉH KA IRIK BEURIT

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 14:43:24

Luut-léét késang. Panon anteb. Nénjo pigawéeun. "Haduh... Cacakan dipigawé. Iraha atuh réngséna?"
Rét. Nempo batu nu ngahaja dijajar-jajar. Laju diitung. "Gusti gening geus dua puluh salapan poé?"
Kerewek. Panugar dijingjing. Rurusuhan cadas ditugaran. Telenyeng kahandap. Séréngéh Duléh suraseuri sorangan. "Antosan geulis..! Bérés ayeuna mah. Mama Guru..! Tulus..! Kuring jadi minantu tééh..!" Duléh lumpat satakérna. Srog. Hareupeun Guruna. "Bérés Duléh jang mas kawin téh?" Guru Duléh nanya bari anteb nempo Duléh. "Tos réngsé Kang?" Nyimas Nyawang Buni nyambungan.
"Parantos tuh ti palih dieu gé atra." Duléh nunjuk ka kidul. Gebeg! Asa kacéntar gelap. "Haah..! Kamana kumisna sabeulah deui?" Duléh gura-giru muru gunung batu. Nu kakara réngsé dijieun patung ucing. Pamundut Nyimas Nyawang Buni. Barang anjog lebah kumis. Kasampak keur diségétan réwuan beurit. "Koplok! Siah..! Beurit gelo! Aing teu tulus ngawin Nyimas Nyawang Buni..."
Jekuk! Kumis nu tinggal sabeulah deui ditajong. Buyar. Mancawura. Minuhan Dunya Breng. Tingpelentung. Jadi tegalan tangkal kumis ucing.

BIASA

Kénging Phieman
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 14:26:31

Dedeganna biasa waé. Rurupaanna biasa waé. Pakéanna ogé biasa. Euweuh nu leuwih. Henteu. Kabeh ogé basajan pisan.
Basa diangkir ngalongok nu gering, saparat jalan diawaskeun naon nu leuwih ti manéhna. Weléh teu manggih.
Di imah ditelekan naon nu béda di manéhna nepika nu gering langsung kuat diuk nyarandé. Daék dahar dihuapan ku manéhna da ku kuring mah kalan-kalan dina daékna ge seuseut. Diimeutan timimiti nyiuk sangu, nyicikeun cai kana gelas, malah nepika ngahuapanna. Rarasaan euweuh nu béda.
Nu diobrolkeun jeung nu gering gé biasa waé. Sugan aya nu anéh nyelap, da euweuh. Istuning biasa.
Basa rék dittinggalkeun deui gawé, manéhna jeung nu gering masih uplek. Bubur katempona geus nambah kana piring kadua.

SI ANGKER

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 13:38:43

Séna aranna. Tapi ku kuring dilandih “Si angker.” Lanceuk angkatan di kampus. Kunaon dilandih. Lantaran asa dibebegigan. Geus lila manéhna, asa nunutur. Los ka perpustakaan. Aya. Indit ka kantin. Nyampak. Ulin di arborétum, ngabedega. Héran. Naha boga puluhan jirim kitu. Ahéngna, panonna teu weléh neuteup. Lain teuteup leleb. Tapi mencrong seukeut niruk jajantung.
Di shéltér beus kota manéhna nangtung. Siga apal kuring rék naék beus ka Dipati Ukur. Paduli. Beus datang, jleng. Ngajleng. Gura-giru diuk, bisi pinuh mantén. Èh...Dasar nasib. Si angker gék diuk gigireun pisan.
Teu dipaliré, api-api peureum, tapi panon mélétét. Kara engeuh, manis geuning, disidik-sidik ti gigir. Komo mun seuri sigana. Ngarasa diperhatikeun, manéhna ngalieuk. Buru-buru peupeureuman. Teu lila, gep. Leungeunna nyekel leungeun kuring. Reuwas. Terus nyaring. “Ieu kanggo Ina...” Pokna. Ngasorkeun novel Perahu Kertas karya Dee. Novel dibukaan. Bréh dilambaran kadua, aya tulisannana. Ukur tilu kecap. Tapi jantung ngadadak tatalu. Eundeur.

ASRUK-ASRUKAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 13:37:44

Bubuka :
Séwu widadari balilihan. Ngusik jempling di tepis wiring.

Jagat génjlong, tatit ngolébat nurih wanci. Sukési geus ngaheungheum bulan. Begawan Wisrawa tonggoy medar Serat Sastra Jéndra Hayuningrat Pangruwating Diyu. Sela Matangkep calawak! Wisrawa Sukési ancrub dina sagara carita, dosa ngamalir di wahangan Jonggring Salaka, ngulincer lir siasat Gagaksangkur. “Nu kumaha saenyana ari dosa?” Danareja sumegruk. Lokananta ngaweuh nabeuh gending Genjong Goling. Sadaya Batara sareng Dewa di Kasanghyangan, karempel marawisan. Ngaguar lalakon nu teu pegat jeung kacegat.

“Kamana nu boga lalakon?” ki dalang culang cileung. Panayagan godeg kabéh.
“Dihin pinasti kersa Hyang Dumampara,” gugunungan dibabétkeun.

Kitu kacarioskeunana.

Gantung déngé, kakaraeun lalakon wayang teu anggeus. Mangkaning keur dikokojona carita, bati mentegeg. Balik lalajo wayang ngabring, dihararudum sarung, tiris kacida. Janari gedé. Dibélaan meuntas tilu pasir. Seuneu obor kakalicesan. Di jalan satapak pasangrok jeung dua jalma. Pok salah saurangna tumanya, “Seja tumaros. Dupi ka nagri Aléngka, leres ka palih dieu?”

SENAM

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 13:35:20

Ti isuk jedur nepi ka soré jedér, tihothat nyiar kipayah keur kulawarga, tara dipaké ngarasula. Kitu téh lamun keur soléh. Tapi sakapeung aya ogé timbul kasel, jiga poé ieu. Poé Minggu. Hudang saré, kaayaan simpé. Pamajikan pasti keur ngiluan senam dilapang, bérés senam biasana sok tuluy ngabring jeung baladna, balanja di pasar kagét. Karérét seuseuhan ngagugunung, teu betah, gancang diasupkeun kana mesin cuci. Bérés nyeuseuh, tuluy sasapu, ngepél. Lungse. “Geuning capé ngurus imah téh!” Ngomong sorangan. Beuteung murilit, lapar. Muka kulkas, réa bahan pasakeun mah. Pasakeun dibawa ka dapur. Lodéh, sambel, kulub peuteuy, pindang. Réngsé. Habek wé dahar sorangan, teu hayang nungguan manéhna. Kesel tuda.
Keur jongjon reureuh, pamajikan norojol, marahmay mireungeuh imah sagala bérés.
“Papah emang suami teladan!” Nyeréngéh, bari ngaléos ka kamar mandi. Teu di rérét, jongjon api-api. Kaluar ti kamar mandi ukur disamping anduk, méméh asuk ka kamar manéhna nyarita “Pah, senam yu!”

LAMBAK DI BASISIR TRÉSNA

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 12:59:17

Ngajega nangtang ombak. Lambak biru ngagulung semu kulawu. Jleng kana lambak, lep ngelelep, ngangkleung. Ombak peuray di sisi, mancawura. Manéhna ngajega deui.
Diuk na kikisik, Asih nyawang ti jauhna. Kang, cék natena. Haté Akang gé, karaos motah siga ombak. Kalacat Asih kana batu-karang, Di béh kulon, katempo, nu dipitrésna keur icikibung jeung nu sején. Angin basisir ngageubig tarik, ngahiuk ngirabkeun buukna, ngirabkeun haténa. Aya nu nyalisir kana atina, peurih. Nu keur silih simbeuhan jeung nu dipicinta, sobat dalitna. Reup peureum, malar paneuteupna teu neumbag kana batu karang nu pohara tohagana, lir panyaram. Ulah ngarempag ajén duduluran. Lambak nyuruwuk deui, tarik pisan. Awakna kaséot ombak, teu wasa ambekan. Ronghéap! Karasa aya nu narik. Nu dipitrésna keur neuteup anteb, pageuh nyekel awakna.
”Tong tebih teuing ” Haréwosna, kasawur ombak nu pating jelegur. Buukna disingraykeun lalaunan. Lambak biru nu ngalamuk peuray, leuleuy. Noélan tuntung haté, nu duaan. ***

UKUR AKUAN

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 12:45:00

Kabaca dina setatus, Neng Sulis munajat ka Mantenna “…upami Anjeuna sanes nu dipiharep, mugi pangnebihkeun kanyaah, kadeudeuh Abdi, gentos ku mikaresep sapertos nu sanes mikaresep ka Anjeuna!”

Kamari Neng Sulis inbok, cenah Ramana sumping disarengan ku Jajaka kasép, perlénté puguh jalma jegud anak pajabat, satara jeung kulawargana. Pantes mun kolotna hayang ngajodokeun ka Neng Sulis.

“Tapi Kang, Néng mah teu bogoh!”
“Sabar geulis, sanaos kokoséhan, Néng mikacinta, mikadeudeuh ka Akang, teu aya gunana, margi urang moal tiasa kukumaha”
“Alim ah, Néng mah moal incah balilahan, tetep Akang nu diantos”
“Akang Ridho Lillahita’ala, pami Néng nampi pamundut Rama Néng”
“Papah moal mulih mun Néng teu kabandang, saurna Kang”
“Komo deui kitu Néng”
“ Bral! Néng tumutkeun kapalay Rama Néng, bilih doraka ka sepuh”

Pleng….teu inbok deui.

Peuting tadi inbok deui“....Kang, saleresna waktos dı mekkah Néng dı tıkahkeun ku pph...”

Leeeng..!

DI SINDANG SARI

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 11:36:29

Sok inget basa keur masantrén di Al-Barokah kénéh. Antel kana cai ngan keur nalika abdas wungkul. Dijujurung ku batur sakobong gé, haré-haré. Angger, horéam mandi. Malah sok maké alesan, teu mandi téh dina raraga naékkeun élmu.
Tapi ti saprak pindah ka Pasantrén Sindang Sari, ampir unggal rék asup waktu salat, Kuring pasti ngabiur ka pancuran, sisieun balong Mama Ajengan. Kumplit, mawa sabun jeung alat mandi sapuratina. Malah lamun keur ngantri, sok ménta tiheula. Teu kuat ateul cekéng ka babaturan. Réngsé mandi tara waka balik ka Asrama. Ngadon diuk bari ngawangkong jeung Jujun, asli Sukabumi, batur sakobong Kuring.
"Mang...tuh, tos aya!" Jujun semu ngaharéwos bari méré isarah ku panonna. Dirérét. Neng Sopiah, putra bungsu Mama Ajengan. Ngalangkung bari ngélék boboko alit. Sakumaha biasa, ngundeur Jaat jeung Roay ngora.

( 5 ) MA UNAH & ASWAD

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 11:33:17

"Manan ngadaweung mening ngaderes, bari ngadagoan jama'ah nu can daratang," gerentes Ma Unah. Sup ka jero masigit. Diuk di juru. Dek muka Qur'an, dibaca. Meunang sababaraha kaca, ngarandeg. Qur'an ditutup. Rumpu-rampa kana kantong. "Sidik diasupkeun!" gerentesna. Keur ngahuleng, kapireng sora nu wirid. "Cik bébéja heula, da moal dikorétkeun ari ukur nginjeum mah!" ceuk Ma Unah, sorana rada ditarikeun. Lol, tina liang para aya nu nolol, nyéréngéh. "Injeum, nya! Songit...," pokna. Ma Unah unggeuk, rék ngajawab, ibu-ibu kaburu jul-jol.

Sajeroning Pa Ustadz ceramah, jama'ah calénghar. Dur Asar, dek shalat berjamaah. Rérés shalat laju balubar. Ma Unah anéprok sorangan. "Naha Ema, teu acan mulih?" tanya Pa Ustadz. "Badé ngabantun tasbé, nanging masih dianggé," témbalna. "Dianggé saha?" ceuk Pa Ustadz. "Tuh!" Ma Unah nunjuk. "Aswad...!" Pa Ustadz ngajorowok bari muka sorbanna. "Ampun, Tad! Yeuh, Ema, nuhun!" leungeun lestreng pinuh ku bulu ngalogodor ti lawang para, manjangan, ngasongkeun tasbé ka Ma Unah.

NÉANG PAPAH

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 09:12:59

Adé balik sakola. Capé, ngalungsar.
“Panas Ibu. Lemes rasanya, keringetan.”
“Sok istirahat heula. Ké ngadamel péér tos emam.”
“Iya Bu.”
Maju ka peuting. Bayeungyang. Ngelekeb.
“Bu…, hareudang ya? Kita ngampar samak yu Bu. Ambil bantal. Liat bintang bulan.”
“Hayu Dé.”
Ngagolér ngampar di buruan tukang. Adé ngadaplok dina beuteung. Nangkeup.
“Bu…, tadi temen Adé, ke sekolahnya dianter Papahnya. Terus dijajanin mainan sama Papahnya.” Budak bacéo luhureun dada.
Eungap. Sakedapan teu bisa ngomong.
“Adé mau ketemu Papah?”
“Iya Bu.”
“Sok peureum Adéna. Urang jalan-jalan ka bulan. Urang naék taraje emas.”
“Udah. Merem ini juga Bu.”
“Iya atuh. Cepengan panangan Ibu. Urang naék tangga emas ayeuna. Lalaunan, ati-ati. Bisi geubis. Tuh Dé aya béntang hiji caang pisan.” Budak diajak ngarandeg. Panonna herang gumintang.
“Tah urang geus dugi dina tangga terakhir. Tuh papah calik luhureun batu. Jug lumpat. Tangkeup Papahna.”
“Horé… Papah! Adé kangen Pah!”
Budak imut ngagelenyu. Ngageubra.

(18) JANG ODIN & NU BARUSUH MANAH

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 07:48:02

Isuk-isuk. Odin keur ngepél émpér masigit. Nazila ngurunyung. Uluksalam. “Ngiring natepan, ah,” pokna. Pasémonna alum. Bangun keur marudah. Ngalénghoy ka jero. Di jero salila-lila. Réngséna geus beurang pisan. “Tos di lembur deui, geuning?” omong Odin nu keur nyalsé. Nazila ukur unggeuk. Kucem. Tara-tara ti sasari. Ngaléos. Ngabiur deui kana motor.

“Néng Nazila rék dicandung!” Si Colat hariweusweus. Kalah bungah. Odin ngaranjug. Ngahuhuleng. “Nyanéh ulah wani-wani ganggu. Okéh?” Odin ngomongan. Mencrong nu ijigimbrang. “Jiiih, uingah moal kumawantun ka putra Ajengan,” Si Colat sura-seuri. Aya nu reup-bray jero dadana. Kawas lampu. “Tong sok anéh-anéh, Colat!” Odin ngagebés. Si Colat meureudeuy. Lampuna pareum.

Peutingna. Lembur ngempur ku purnama lain mangsa. Bruh-bréh. Masigit kayas ka kenténg-kenténgna. Balédésa. Imah-imah. Taman-taman jeung airmancur. Mangpirang kembang sumedeng mangkak. Baradag. Dumalingding salelembur. “Colaaat!” Odin ngagorowok. Kaahéngan dumadak lus-les. “Ngahibur Nazilaaa, ‘Bro!” Si Colat ngabéléhém. “Lain kitu carana. Dungakeun. Rumahtanggana sing panjang-punjung,” Odin ngaleuleuyan. Si Colat ngaheruk. Tuluy ngagukguk.

WASIAT REUNGIT

Kénging Irfan Irfansyah
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2013 07:34:02

Di panjara seueur reungit. Ujang sesah kulem. Ngiung-ngiung-ngiung. Teup. Cooo. Celetit.
"Reungit! Nepangkeun, abdi Ujang!"
Reungit nyabut panyocona: "Abdi reungit!"
"Ulah nyoco waé, Ngit! Ujang palay kulem"
"Padamelan abdi tuda, Jang" walon reungit.
"Wayahna ku Ujang digebug!"
"Mangga!"
"Sok wasiat heula Ngit!"
"Sing loba syukur. Tempo kuring, nyiar kipayah dodoja nyawa. Aranjeun manusa, teu siga kuring nasibna."
Ujang jadi teu tega. Ngebug jadi teu wasa. Reungit nyoco diantep. Pira getih saeutik. Moal méakkeun saséndok.