Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Agustus 2013 (46 Naskah)


DURJANA

Kénging Dedi Jr.
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 23:21:18

Muka pager. Ébréh sawah lénor. Ngémplok héjo. Mangsana pirabukeun. Si Udin ngeteyep ngadeukeutan nu hémpak. Teu usik. Pikiranana motah. Duk-dek antara karunya jeung napsuna. Ngajengjen. Napas eungap. Leng! Poékeun. Teu maliré ka jalma nu mibanda. "Keur naon dipiara tapi tara diropéa, bongan dék ku kuring teu doa!" Teu mikir dua kali. Ngusiwel kana saku. Ngaluarkeun tisu baseuh ku jampé gélé. Diwewelkeun kana liang kokocoran. Les! Sawah beuki jongjon dina impian. Gujubar! Udin ancrub. Guyang na leutak. Bret-bret! Sawah dipurutulan. Teu disésakeun. Panas ngahéab. Pakéan dilaanan. Teu sabar. Geduk sawah dipacul. Dirangkul. Napsu sétan durjana ngagalaksak kana lain hakna. Galengan bedah. Kulahék. Udin ngalempréh na sisi risbang.
Rekét! Pa Udan muka panto. Olohok nénjo Udin buligir nangkeup Kénoh. Pamajikanana nu kalima. Gubrag! Kapiuhan. Ngahéos bau ao.

LEUNGITEUN SARAKAN

Kénging Uwa Unggaran
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 23:10:58

Pasoléngkrahna beusi jeung sarupaning alat-alat nu baradag éstu geus jadi pamandangan sapopoé , geus jadi bagéan tina kahirupan. Tapi poé ieu bet sagalana asa jadi béda . Pipah badag siga nu nganaha-naha , pating jelegurna sora mesin pancang bet jadi siga nu ngaléléwé komo beko nu sing gurudug mah asa jadi haré-haré .
Mumunggang Naimata asa beuki hareudang bayeungyang siga ngendangan haté nu keur marojéngja.
“ Karmana bos,jadi pi bandung koh ?” rada reuwas basa aya batur gawe nanya.
“ Béta sonde pulang lebaran ini,pan gawé urang teh keur kakagokna “ dijawab bari ngaléos bari api api neangan tempat ngiuhan.
Ngan sidik manéhna siga hayang kénéh tatanya ,teu hayang ngalayanan da jeroeun dada gé aya nu keur uplek ngobrol tatanya naha bet siga nu teu purun mulang.
Teu .Teu hayang ngajawab ka sing saha nu tatanya ge bet kuring gé keur bingung rék mulang téh mulang kamana jeung kasaha .

BÉWARA TI KASATLANTAS

Kénging Agus Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 22:52:41

Kasatlantas nu anyar dibenum di hiji Polrés nyieun tarékah pikeun ngungkulan kacilakaan di jalan raya. Lajeng anjeunna ngadamel sticker anu ditémpélkeun di unggal kendaraan. Eusi kalimah dina sticker téh unina kieu:

Kanggo supir anu sok ugal-ugalan, atanapi sing saha waé anu ngamomorékeun kasalametan di jalan, utamina dina usum mudik ayeuna, TPU “Guligah Sukma” parantos nyayogikeun kuburan gratis. Jasad sadérék teu kedah nganggo boéh atanapi bungkus sanésna, cekap anggoan nu dianggo waktos kacilakaan. Kitu deui pakakas sanésna teu kedah nganggo padung atanapi tetengger, cekap ku dijejel kana taneuh waé kanggo ngirit waragad sinareng waktos dina ngurebkeun. Kantenan, saupami pamolah sadérék ngalantarankeun seueurna korban jiwa anu henteu tuah teu dosa, baris kénging pangjejel anu daria ti sakumna wargi-wargi korban anu ngantunkeun.

Ku kituna, panuhun ka sadayana nu nganggo jalan raya pikeun patalimarga, mugi ngéstokeun kasalametan dirina sinareng kasalametan sadaya wargi-wargi urang di jalan.***

KAPAKSA

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 22:36:35

Sareupna. Parapatan Sadang. Anjeun ngaléngkeun panangan, teu lepas ti imut nu pinuh pangirut.
"Boboran shaum heula, yuk Kang?!" Ukur unggeuk tanda satuju. Milih tempat nu teu pati ramé. Sangkan leuwih
tumaninah. Dahar bari silih oconan, silih élédan. Ngawangkong ngalér
ngidul. Nyaritakeun rupa-rupa pangharepan. Anteng. Silih pantengkeun mangpirang benang-benang katresna.

Talingtung cess..!! Sora hapé anjeun, tandaning ésémés. "Kang Badri, kang?!" dumareuda anjeun bébéja éta ésémés tisaha. Badri, lanceukna nu teu pernah satuju, anjeun hubungan
jeung kuring. "Nyai mulih kang, hapunten. Kapaksa." Teu bisa kukumaha. Ukur unggeuk deui. Hanjelu. Keuheul campur bingung.
Dahareun ngabayah kénéh.
Luak lieuk. Lenga lengo. Geus rada simpé. Nyampeurkeun nu boga warung. "Kang, tiasa teu mayar tuangeunna ku gégéroh? Dompét abdi
kakantun," Lungas-lengis. Sasadu kanu boga warung.

CEU UKI JEUNG CARITA ANU LIAN

Kénging Rijal Paturohman
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 21:54:43

Ceu Uki, tukang buburuh disawah jeung dikebon,
Kamari maot alatan dipacok oray disawah Kang Jaja lebah tangkal cangkring. Ninggalkeun salaki ngarana Kang Idi. Budakna dua, nu kahiji awewe, Rini, gawena di warung sisi jalan, jadi randa umur 15 taun alatan direuneuhan kubabaturan sakolana nu kabur teu tanggung jawab. Anu kadua lalaki, Maman, jadi calo jeung preman tanggung di parapatan tempat ngetem angkot. Kang Idi geus lila katarajang geuring batuk, TBC ceuk mantri Engkos mah.
Pas peuting sabda di tinggalkeun maot ku Ceu Uki, Rini jeung Maman dikumpulkeun di tengah imah, Kang Idi ngomong bari dumareuda " tadi basa ema samemeh maot nga'amantan kamaraneh kade ulah poho solat nu lima waktu jeung maneh Rini geura buru - buru kawin, maneh Maman ulah diparaptan wae, ngerakeun kolot nyaho teu " Kang Idi mapagahan. Teu lila hape pating kirining.
" Rin, Si Bule hayang ngamar cenah kamari geus jangjian"
" Cimeng ti si Komar Man, aya tilu lima paket, Kuurang ditungguan di markas"
Dipojok, dina kastop,mukena almarhum ceu Uki nyaksian,nu tiluan ngaraga meneng, pikiranana ngalayang sewang - sewangan.
Diluar hujan ngaririncik.

LALAKON AZWA

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 21:25:54

Azwa tilu guruntul pamahanan si Réza urang Pérsia. Gugulutukan dina pisin. Silihséréd jeung salé Rajaceré. "Sok Mang, tah hiji séwang, ngabatalan!" Méméh am disidik-sidik. Lampar lalakonna. Ti Pérsia meuntas gunung, nyorang sagara. Anjog dina piring leutik. Leng. Kumalayang pipikiran. Rusras. Ngelemeng mangpirang carita ka tukang. "Lain geura am, Lo, geus adan!" Ras kana katerangan Ajengan. Nyitir dawuhan Rosul. Yén disunahkeun buka puasa ku korma. Duh, aya ku ginding ari Jungjunan. Kagungan korma gé mani jécéh. Diénéng-énéng ka saréréa. Dipelak di sagara kikisik hara-haraeun. Buahna nepi ka kampung kami. Cacak mun Anjeun jumeneng kénéh. Kami seja usul, Pangersa. Mugia pangjiadkeun ieu salé Rajaceré. Sing lampar jiga korma Azwa. Sina meuntas jaladri nepi ka lembur Salira. Sangkan usum buka puasa ditaruang ku urang Pérsia. "His ari Alo. Turutan 'tuh sohabat. Kapan Umar nu bedang gé, teu burung léah manahna, kersa nyium Batu Hideung, najan teu pati purun!"

DURJANA

Kénging Dedi Jr.
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 21:16:42

Muka pager lalaunan. Ébréh sawah lénor. Ngémplok héjo. Mangsana pirabukeun. Ngeteyep ngadeketan nu hémpak. Teu usik. Pikiran Si Udin motah. Duk-dek antara karunya jeung napsuna. Napas eungap. Ngajenjen. Ngembang kadu. Leng! Poékeun. Teu maliré jalma nu mibanda ieu sawah. "Keur naon dipiara tapi tara diropéa mah, keun ku déwék lah!" Teu mikir panjang. Ngusiwel kana saku. Tisu baseh ku jampe gélé. Diwewelkeun kana liang kokocoran. Les! Sawah beuki jongjon dina impian. Srét! Mesat arit nu meulit cangkeng. Bret-bret! Sawah dipurutulan. Panas. Pakéan dilaanan. Geduk! Sawah dipaculan. Kesang ngagarajag. Motah. ngagalaksak. Napsu sétan guligah. Dipungkas ku galengan nu bedah. Kulahék. Udin leuleus. Ngalempréh na sisi risbang.
Rekét! Pa Udan muka panto. Ngahuleng nénjo Udin buligir nangkeup Kénoh di kamarna. Gubrag! Kapiuhan. Ngahéos bau ao. Ngajoprak nangkep botol nu pinuh ku arak
http://m.facebook.com/notifications.php?_mn_=4&refid=18

KOLOR KANG WILDAN

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 20:50:35

Kang Wildan. Guligah. Teu kaop meuli kolor nu weuteuh, isukna sok tuluy leungit. Meunang béja. Cenah, dibikeunan ka dukun. Dipaké sarat. Ku Ceu Clarisa, pamajikanana sorangan, nu galak jeung timburuanana sagedé gunung. Beurang peuting manéhna nyidem kapanasaran. Teu wani pok. Ngarumasakeun. Gimir ku sajak, nu narapel 'na haok-polototna ingkang garwa.

Kajurung ku panasaran. Kang Wildan. Ngawani-wanikeun karep. Nalék pamajikanana najan bari rerempodan. "Dibikeunan ka saha kolor nu Papih téh, Mih...?" Sorana halon. Ngeleter. Ceu Clarisa. Bijil tanduk tina sirahna. Batan ngaku kalah napsu. "Najis aingah! Keur nanahaon kolor manéh...!" Néngtéréwélang. Piring jeung gelas ngarapung. Sapatu budak eunteup kana beungeutna. Jiga sasari. Kang Wildan. Ngarumpuyuk.

Ngadéngé nu brong-brang di tengah imah, Ma Dolis, mitohana Kang Wildan, kalah gogoléran di jero kamerna. Gegerendengan semu haroshos. Leungeunna ngeukeuweuk hiji barang, nu salila ieu remen diakukeun leungit ku minantuna. Sakapeung diteueul-teueulkeun kana hariguna. Sakapeung deui diseuseup jero naker. Panonna peureum beunta.

TONGKOL

Kénging Mang Dadan Dania
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 20:46:41

“Sakeureut lima ratus, sapuluh opat satengah”
“Mésér dua puluh keureut, angsulanna kana bubuknakeun!” kuring ngasongkeun duit sapuluhrébuan. Mokaha bubukna dibéré loba, leuwih loba ti pindang keureutna. Bérés meuli pindang balanja lauk hayam jeung kaperluan séjénna.
Datang-datang bubuk pindang langsung digoréng ku jalantah, angkanan téh jangeun buka barudak di imah. Pindang keureut mah disimpen dina kulkas, moal waka masak rék ngaguis heula dina mesin cuci. Basa rék moékeun seuseuhan anu eumeul-eumeul, di palataran loténg anak dunungan keur maraban ucing kameumeutna.
“Resepeun pisan geuning Bi ari digoréng heula mah.” anak dunungan nyarita bari anteng maraban ucing satilu-tilu. Kuring ngagebeg sabab anu dipaké maraban ucing téh bubuk pindang bawaeun balik. Parandéné kitu, kuring unggeuk bari haté medenghel satengah ngarakacak.
Pasosoré dunungan ngawadahan sangu sarantang, lauk hayam dua keureut, tahu jeung deungeun séjénna bawaeun balik. Kuring nampanan dahareun anu dikérésékan, terus pamit.
“Bi sakalian bawa pindangna da ceuk si Asép, ucing mah geus diparaban.”

(8) JANG ODIN & NU BABAUNG

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 19:59:44

Mindeng pisan hulang-huleng. Rungsing. Gumalingging beurang peuting. Si Colat. Mun keur salat cipanonna sok léb-léban. Kalan-kalan nyurulung badis pancuran. “Duuuh, Gustiii! Geuning kieu-kieu teuiiing!” Saban usik melas-melis. Kanyenyerian. “Kunanahaeun ari nyanéh, Bray?” Ku Odin sering ditanya. Panasaran. Si Colat tiba gigideug. Sok kalah bedah cimata. Kawas balong nu rempag tambakanana.

Hiji peuting. Si Colat ngageuri. “Nyanéh mah manusa, ‘Bro! Bagja!” pokna. “Jiiih, tumaninah kénéh jin, ‘Bray! Hirup langgeng. Bébas. Bisa bur-ber ka mamana,” Odin ngupahan. Dileuleuyan. “Kasiksa, ‘Bro! Kesel. Rébuan taun uing hirup. Réa nu karandapan. Nu kasorang. Taya undakna!” Si Colat humandeuar. Aral. Tarangna didagor-dagorkeun kana dingding. Masigit inggeung.

Subuh-subuh. Odin mireng Si Colat bet humaregung. Disampeurkeun. Kasampak keur gulang-guling. Dadana tatu gudawang. Getih awor jeung cimata. Ngabayabah. Jajantungna lamokot. Beureum. Nampuyak dina sajadah. “Gustiii! Colaaat! Kunaooon?” Odin tagiwur. “Nazilaaa! Aiii Laaap Yuuu! Aaauuu!” Si Colat babaung. Ngajurungkunung. Ngacungkeun jajantung. Odin ngaranjug. Nazila téh putra panengah Ajengan. Geus kurenan.

MUDIK KAMANA?

Kénging Yosan Rahmansyah Winarta
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 19:19:23

Panas keur méntrang,ngalamunkeun ieu hate...mapag syawal ku carana masing-masing kahayang.,mudik kapilémburan ngan saukur kahayang...disisi pajaratan nini,kuring ngahaleuang témbang kabingung handaruan pisan..népikeun anu keur mérésihan pajaratan nyeungseurikeun kuring...,''mudik...mudik kamana..kuring mah...teu boga lémbur...kumalayang di lémbur baturrrr..''.

LEMBUR SI MALIN

Kénging Ahda Imran
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 19:08:35

TENGAH poe ereng-erengan di teminal. Nu rek balik ka lembur meni reab jeung pahibut; calo nu hariweusweus nyamperkeun saban jalma nu anyar datang, tatanya rek kamana. Beus nu ngadius indit jeung nu karek datang, tur nu ngetem. Sora toa terminal pabeulit jeung sora adan lohor, sora nu ngamen, atawa sora nu utah, tong kasebut deui budak nu pating gerewek. Jalma pahibut ngadoan beus sewang-sewangan, parebut korsi bari silih muncereng. Di tengah-tengah terminal aya aki-aki leumpang sorangan, rada bongkok sabab mamanggul batu gede nu ditalian dina tonggongna. Unggal beus ditilik-tilik jurusan nana, tuluy indit deui, bari gegerentes, "Lembur uing ka mana lembur uing?"

ANEH

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 19:06:10

Buka puasa poe ieu manggi nu aneh kacida. Indung budak nyadiakeun dengeuna keur buka teha pais hayam sapuratina , Naha rengse dahar , nu nyelap dina sela-sela huntu :" ciucuk peda ". Aneh kacida eung...

BUJANGGA MANIK KAPULESAN (1)

Kénging Herlan Djatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 17:29:19

Sanajan nyangking gelar pangéran di Pajajaran, Jaya Pakuan nu katelah Bujangga Manik leuwih resep ngalakonan hirup jadi resi. Ngumbara nyucruk galur kabuyutan nu aya di Jawa jeung Bali. Hiji mangsa, eundeur nu ceurik sadalem. Midangdam sakadatuan, sawaktu Bujangga Manik pamitan ka ambuna :
“Kumaha girita ini. Tohaan dék ka mana sinarieun teuing. Mo hanteu Ambu kabéngkéngan?”
“Tatanghi tinggal. Awaking dék leumpang ka wétan. Hengan sapoé ayeuna, Ambu.”
Sabada pamitan, Bujangga Manik indit birit sundah diri. Lugay sila sundah leumpang. Mitembeyan lalampahanana ngaliwatan wewengkon Gunung Salak. Di puncakna reureuh heula sakedapan, bari nyawang kaéndahan alam. Angin humiliwir ngusapan awak nu lungsé. Les kapulesan. Kahudangkeun sawaktu kapireng aya sora handaruan. Barang ditingal ka luhur aya mahluk gedé siga manuk Saéran nyirorot. Ngagurilap katojo srangéngé. Ngarasa kaganggu saréna, Bujangga Manik nyokot batu. Laju dibalédogkeun ka mahluk nu ngalayang téa. Ngoléang murag. Brak!
Isukna nu jadi “hédlin” média: “Sukhoi Superjet-100 murag di Gunung Salak.”

4 AGUSTUS JEUNG CAU AMBON

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 17:25:43

Nunggu jikan di parkiran, tiang beton ngajajar, gugupay ngundeur teuteup, meuntas jauh, jauuuhh! Bray! 4 Agustus. Bukber Pangumuman Saémbara Ngarang Fikmin Lebaran, FBS. Pamilon, Admin, Juri, lengkep para Panulis Kondang, ondangan. Tajil ngampar rapih disusun ala léséhan. Citéh manis, Céndol, Sabangsaning Kolek, Ěs Bléwah, Korma, sarupaning kukuéhan, gogoréngan, Samangka, dikumplitan dua sisir Cau Ambon, dipager Aqua gelas.
Réngsé sambutan, ngong adan Magrib, Alhamdulillah. Rampak dunga buka puasa. Leguk, suruput, lek, am. Kupkop ngabatalan puasa. Imut, seuri, guyon, rérés. Giat warudu, muru Shalat bajama’ah. Antebna sora Ang Ahmad Fawzy maca surah, ngeusi rohangan, rohang-rohang dada.
Sabada khusyu shalat. “Bon, kunaon anjeun sedih?” Tanya Korma. “Bagja aranjeun, meunang barokah ngabatalan puasa!” Cau Ambon baris tiluopat ngahelas. “Ké, ké! Sada putus asa kitu!” Brownies mairan.
“Enya! Aranjeun nempo sorangan, kuring jeung si opat démpét, sangeuk manusa noélna gé!” Cumalimba. Nulain Arunggeuk surti. Larangan atawa olab ngadaharna, kitu?
“Paaa! Yu mulang!” Pamajikan ngageuingkeun.

BABAGI

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 16:17:53

Pisaminggueun deui ka lebaran, kuring ngantri di bank. Nukeuran duit nu hareuras, bagikeuneun ka incu dina poénan lebaran.
Réngsé shalat sunat. Kurumuy anak, incu jeung minantu daratang. Sanggeus ngariung kabéh. "Saha nu tamat saum? Ngabaris di dieu!" téléndén incu nyalampeurkeun. "Éyang...! Abdi cacap," ceuk Maryam. "Abdi gé cacap," Tia incu ti budak nu cikal ngacung. "Éyang, abdi gé teu kantos bocor!" Mira nyampeurkeun bari nungtun Adina. Sanggeus ngajajar, kusiwel ngaluarkeun duit. Pas rék babagi pisan. Di buruan barudak pating corowok, ngajak ulin ka Maryam. "Di luar barisna sakantenan, améh kabagi sareng réréngcangan Iyam!" cekéng. Teu sawatara lila, dina téras geus ngajajar barudak. Sok kuring mikeun duit ka incu jeung barudak séjénna. Lebah jajaran pangtukangna. Rét, gebeg! "Deudeuh teuing! Teu kabeuli baju anyar," gerentes haté. Sor méré duit, rada onjoy tinu séjénna.

ISARAT

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 14:33:02

Leungeunna pakupis pepeta. Di rohangan éta. Sawelas taun ka tukang, isarat nu baheula kaharti ku Emay. Kiwari ukur ngabigeu. Najan hut-hét ngedalkeun eusi haté, lain téga kungsi ninggalkeun. Weléh, teu dipiroséa. Telenjeng, budak awéwé welasan taun nyampeurkeun ka Emay. Duanana pepeta, telenjeng nyampeurkeun. Song ngajak sasalaman bari nyium leungeun. Ser! Ngerenyed asa kasetrum. Beretek deui lumpat ka tukang. Rét ka Emay, ukur tungkul ngalahun hanjelu. "Ehem !" cenah, tangtungan lalaki dituntun ku budak nu tadi. Song ngajak sasalaman, gep ditampanan, "Oh, ieu Kang Bandi téh?" pokna. "Muhun, dupi akang, saha?" walon Bandi. "Kuring salakina Emay! Ti semet ayeuna, wayahna ulah ngaganggu kulawarga kuring. Masalah Ratih, ku kuring geus dianggap budak sorangan!"

LEBARAN MUNGGARAN

Kénging Yayan Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 14:31:51

Banget ku sono ka Ema, jauh jeung hésé ogé dijugjug ditépangan. Pangpangna séja ménta pangampura . Wanci sareupna anjog ka palemburan. Sora takbiran di masigit mingkin nambah rasa rumasa diri entos loba dosa jeung salah anu dipilampah
Uluk salam taya nu némbal padahal Abah jeung Si Bungsu sidik keur ngariung di tepas imah. Aralum bangun keur kaleuleungitan. Abus kaimah najan panto taya nu muka. Muru sora Ema anu nuju ngadunga di kamer pengker. Ngaliwatan Abah jeung Si Bungsu, haré-haré.
Bréh..Ema dimukéna ngadunga bari rambisak. Dina pangkonanana yasin juuh ku cisoca. Yasin anu aya potrét jeung titi mangsa. Potrét pun kula. Nyuuh dina dampal suku Ema, teu wasa cacarita, kalah mudal cimata. Ema haré-haré, teu maliré. Ema kadon nangkeup pageuh yasin. Ema ngadunga bari reumbay cisoca.

NAHAN NAPSU

Kénging Eboed Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 14:11:38

"Terektek..." caréham diadu. Peurep tipepereket. Napas rénghap ranjug. Panon bolotot. "Kurang ajar siah..., ngagoda téh kabina-bina teuing!" Jorowokna handaruan. Meulah soré nu simpé. Tatangga kagareuwahkeun. Rabul. Di buruan ngaliud. Rék teu tingtorojol kumaha, ku para tatangga mah si Abah téh dipikagimir. Ma'lum ruruntuk jawara kahot nu taya tandingna.
Kapaksa, kuring kaluar. "Aya naon Jang?" ceuk Mang Jana bari memener sarung. "Enya, aya naon Sujang?" Mbi Sarnih, ngadégdég. Jol itu, jol ieu mawa pananya nu sarua. "Teu aya nanaon!" ceuk kuring. "Lain Jang, Amang mah paur jiga harita. Pan kabéh kabarérang!" "Tapi moal ayeuna mah, moal nanaon," kuring ngayakinkeun. "Na kunaon atuh si Abah téh jojorowokan kitu ari euweuh nanaon mah?" Ceu Icah, ngéngkréng. "Eu... eu..., itu si Abah téh..." Teu kebat. Kaburu ngong adzan maghrib. "Bébas euy...! Mana kolek nu Abah, geus teu kuat yeuh!" Nu di buruan bubar. Nyalengir. Kuring kéom. Sup ka imah, rék maturan Abah buka.

NU KOPDAR

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 14:00:38

"Maaf di sana dengan siapa gitu. Ganti..."
"Di sini dengan ténggo indian alpa, gitu. Ganti..."
"Bisa dikorék gitu, soalnya barusan kurang kekopi, ganti..."
"Ténggo indian alpa, ganti..."
"Oh... kalow bisa kita kopi darat aja, ganti..."
"OK..."
Kitu jawaban manéhna ka kuring, waktu ngobrol dina interkom.
Isukna kuring giak dangdan, janjian rék tepung jeung manéhna. Di hiji tempat, anu geus dijangjikeun. Barang tepi ka nu dituju. Kuring geuwat néangan tempat diuk nu merenah. Sanggeus sababaraha menit nungguan. Teu kanyahoan ti gigireun kuring aya nu nanya, bari noél.
"Punten tumaros, dupi ieu leres sareng Kang Dudi..?"
Barang ngalieuk. Gebeg, kuring calangap teu bisa ngomong. Panon colohok mata simeuteun...

SAEPI

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 13:09:53

Geus aya taunna manéhna kitu téh. Ti saprak cacap puasa salila dua taun, nu teu maké buka jeung sahur sakumaha biasa. Ukur nginum cai satengah gelas jeung sakeureut taleus pas tengah peutingna.
Kadang mun ditanya rék ka mana? Jawabna téh, aya rapat jeung bangsa jin. Kadang sok bébéja méméh ditanya, pajarkeun téh geus ngilu ngabedahkeun laut kalér nu geus hinyay caina. Malah pernah hiji waktu, poé juma'ah jam dua beurang, papaliwat di hareupeun imah. Barang ditanya, jawabna téh, "Uih ti langit kaopat, Mang! Geus juma'ahan jeung para malaikat!"

Poé kamari. Kabeneran tepung deui. Teu siga biasa. Bangun kingkin katingalina. Malah bet aya keclak cimata nu ragrag kana lahunanana. Panasaran, ditanya, "Kunaon, Jang?" teu waka ngajawab. Nyusut heula panonna. "Abdi hayang siga batur, Mang. Boga indung jeung bapa...."

DELCON

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 13:04:01

Karék tilu bulanan wawuh jeung manéhna di dunia maya téh, laju ménta no PIN. Duduluran dimimitian ku aléwoh sagala diobrolkeun, didiskusikeun, resep ku sopan jeung bageurna, silih perhatikeun silih do'akeun.
Ngan kamari taya hujan taya angin taya tatit. Na ujug-ujug manéhna jol nulis nu kieu unina. "Ucu, urang salingkuh yu!" Gebeg! Asa teu percaya bet bisa nulis siga kitu? Ditanyakeun naon maksudna ngajakan basilat kitu? "Pan urang téh geus asa jeung dulur, naha bet ngahina?" Ceuk kuring sedih. Kalahka rayuan pulau kalapa ngabudah. KLIK...! Délcon di'Ndut. Kéong racun ning ah... Matak ateul...

CAPÉUN

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 10:35:49

Di jalan ka Cirangkong, aya tukang buah. Buka dua puluh opat jam. Musik ngagujes, eundeur, teu eureun-eureun. Dangdut, degung, pop, marawis, remix, rock, régé, terus gunta-ganti. Kabita ku jerukna, kurig nyimpang. Meuli sakilo. Nepika imah, dipurak.

Diasaan. Nyengir. Geus teu amis. Garing.

“Jeruk, naha maneh hapa kieu?”
“Capé Ang! Jogéd beurang peuting!”

LAGU TALAK TILU

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 09:57:02

"Déwék mah asa hayang ngajaran shalat tarawéh, euy!" Jumanta nyarita ka baturna.
"Heueuh, Ka. Geus poho deui!" Juhdi mairan.
"Ngan sieun dicuriga ku urang lembur, euy!" Jarkoni hariwang.
"Tanyakeun ka lembur masing-masing. Mun lancar, urang pungkas laku teu eucreug téh!" Jumanta maréntah.
Saribuk ngomé HP.
"Teu aman di déwék mah!" Jumanta mabétkeun HP.
"Sarua, akur!" Juhdi jeung Juhro, meh bareng. Jarkoni sibuk kénéh nelepon.
"Di lembur uing aman!" Bari seuri.
"Ari pakéan kumah, Ka?" Juhdi nanya.
"Gampang, urang ménta ka Babah Bhoeng Khiang, tapi awas sing lalantip euy!" Témbal Jumanta. Peuting isukna, ngabring muru masigit. Dangdanan niru ulama jumhur. Sorban ngagarebay.Urang lembur hareugeueun. Ngahalormat. Jarkoni nguliwed. Nu tiluan arasup. Shap panghareupna. Ruku jeung sujud, taringgaleun. Amin mah pangtararikna. Dut. Hiek. "Medut kéhéd!" Jumanta ngaharéwos.
"Mules beuteung, Ka!" Juhro nyéréngéh bari sujud. Rokaat akhir, HP Jumanta disada. Ngoncrang lagu Talak Tilu. Ragamang.
"Kabur kéhéd, aya pulisi!" Jung-jleng.

ÉLISABÉT BUYUTAN PART 2

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 09:27:12

Tilu poé tisaprak putra mahkota morojol dina patuangan Kate Midleton, kulawarga karaton karumpul di patengahan pikeun nangtukeun saha pingaraneun éta budak. Perlu ngaran nu pantes. Sabab kahareupna bakal jadi pamingpin nagri pangolah nagara. Kitu pamendak kulawarga karaton. Batur hoghag mairan, William kalaka nyalingker ka tukang. Sup ka kamer laju jongjon muka’an amplop panyecep dina baskom. Di luar geus séah, ngalampar samak tikamari mula. Kabéh harayang nyaho putra mahkota jeung saha pingaraneunana. Tukang roko pasuliwer, réang patémbalan jeung tukang inuman. “Panén yeuh...” ceuk tukang popmi minangka pangpayuna ku nu balanja. Térétééét tarompét disada marengan aleutan kulawarga karaton bari ngabringkeun orok nepungan hempakna masyarakat di balkon Istana. Geerrrrr sarurak. “Tés...tés...punten tong aya nu nyarios...di payuneun urang tos katingal putra mahkota!” Ceuk émsé ngamimitian biantara. Gerr deui sarurak. “Saha namina Ang...??” belah kidul aya nu ngagorowok. “Luyu jeung hasil gempungan kulawarga,wasta murangkalih nu bakal jadi papayung agung téh nyéta......” Jep simpé “ Mulyadi.....”

PAGUNEMAN

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 07:45:26

Lain ngimpi, langit ngulisik ngaharéwoskeun asih. Sanggeus lila ceudeum ngemu cihujan. Bray méga nu ngahalangan nyingray, ngébréhkeun raray salira. Pangadeg sing sarwa cahya, mintonkeun kamulyaan nu moal aya gentosna.
Jungjunan, mung nembé dina sawangan. Dina pangimpian nu dipedar ku nu asih ka anjeun. Haté tos taluk teu wasa nyawang. Paralun anu kasuhun, teu gampil sanaos kekejetan hoyong diangken. Rumaos nembé beunta tina tibra. Salam ka salira teu weleh merul sapanjang jaman, sa-lebet talaga hérang sapertos jangji salira, kanggé tepang sareng sing saha anu nyaah sareng tumut ka salira. Naha leres ?
Wengi ieu langit simpé, mepéndé haté. Nanging sanés kanggé saré ngimpén salsé. Paguneman batin ngahudang trésna. Kalbu tungkul ngaheruk, ajrih ! Ya Robbi, hampunten, abdi seja nyanggakeun ‘itba. Sapertos anu parantos diguratkeun dina kalam.
“Inalloha wa malaikatahu, yusolluna a’laa Nabi , yaa ayyuhaladzinaa aamanu shollu a’laihi wasalimu taslimaa . . . “
Nyanggakeun salam. Ka salira !

NU MEUNTAS

Kénging Yan Himura
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 07:33:41

Sanajan motor kolot mun dirawat mah karasa hédéd kénéh. Dipanasan. Digaur-gaur. Bari pikiran keur ucang anggé dina korsi, di tepas imah néng Maé. Belenyéh seuri. Huhuitan. Motor dilap maké minyak kalapa, miceun kokotor nu teu benang dikumpon. Dipolés molto ngarah teu sengit jalantah.
Jam sabelas. Masih ngaréndéngan Maé. Silih toél, Silih kiceupan. Bapana geus sabaraha kali mureleng. Kuring surti, terus pamitan. Dianteur nepi kalawangan. Ku gelenyu imut.
Haté ngawang- ngawang. Bungah bungangang. Poho kana istigfar da keur suka bungah. Ngalajankeun motor gagayaan. Jalan sepi da tengah peuting. Ckiiittttt... Golosor.. Motor ngagolosor ngénca. Mawa kuring nu hareugeueun nempo budak hideung garundul mentas aya dua belasna

HASEUPAN

Kénging Ihung Cianda
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 06:43:35

Tadina mah medenghel. Na haté, ih naha kuring teu jadi manusa. Ku Pangéran kalah dijieun haseupan. Ngadu rahul jeung gigih. Jeung congcot sabalad endog.
Aral. Nganaha-naha. Teu siga Giri, ngabuburit. Teu siga Gugun lalayangan. Kuring mah kieu. Nangkring na para seuneu. Ukur silih renyoh jeung kirinyuh.
Tobat. Apa dosa hamba. Naha Pangéran kabina-bina.

Kitu cek ujaring carita. Rahuh-rumahuh sakadang haseupan bari neuteup hawu nu kabulusan.

Teu apaleun, yén di juru tajug. Tujuh meter ti mimbar, kuring mah murukusunu. Jublah-jebléh ka sajadah. Buad-baeud ka wéker nu teu daék der.
Kahayang: jam téh geura ngerenyed. Tuluy ngong adan. Buka. Hayang ngaleguk kalapa muda.
Na haté, capé ning jadi manusa. Keuna aturan. Kudu puasa. Kudu takwa.
Ni hayang, embung. Males sholat-zakat-puasa. Males ditutuh-titah ku Agama. (Ari cenah, mun paéh, ditanya laku-lampah di alam dunya.)
Mun jadi haseupan baheula téh. Jadi jojodog. Jadi kalkun atawa soang.
Meureun, bébas merdéka!

KENCLAK MADU DINA LAHUNAN

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 06:36:39

Betah pisan di pangumbaraan téh. Lila, karasana ukur sakedét nétra. Komo basa anjeun ngagelarkeun buah katresna duaan. Usaha mingkin suhud. Babakti tambih gumati. Mupusti amanah Ilahi. Saban wanci makelatkeun nyaliksik diri. Silihtuyun. Silihaping. Nataan léngkah. Sangkan lampah teu gaplah. Bebekelan lahir tumekaning batin. Maksakeun. Babarengan jeung anjeun. Pusaka manah, puputon kalbu.
Ngalempréh. Sirah dilahun. Dareuda. “Enung hapunten Akang!” Karasa mangmang basa rék sajungjungeun miang. Inghakna jeung goar orokna jadi panghalang. Ngarengkog. Teu kapapalérkeun. Najan ceuk béja kuring bakal nyorang hirup nu leuwih lana. Boa bagja teuing lara. “Abdi nu sakedahna neda dihapunten mah! Rumaos kahasud deungeun. Hingga Aang janten kieu.” Haroshos. Ditompokkeun kana ceuli kuring. Sisimekeun. Ukur dijawab ku unggeuk. Cimata ngalémbéréh. Léah. Najan can sempet wasiat. Haté kaubaran. Basa anjeun paungku-ungku jeung manéhna. Nu datang nyusulan. Tiluan sumegruk. Diajikeun simpéna peuting. Orok répéh. Nginang na amisna aisan Madu. Sawatara kitu awak kuring mingkin nirisan. Cabrek.

TARSAN

Kénging Dado Tisna
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 06:19:54

“Auouooooooo! Auouoooooo!” Tarsan ngagorowok tarik pisan dina tangkal anu pangbadagna. Sorana agem. Éléh sora Singa atawa Maung mah, komo Maung Bandung mah da jagona méngbal.
Tarsan luncat kana tangkal séjén. Gurawil. Kep.Luncat deui. Gurawil. Kep. Ngan sakolépat Tarsan gugulayunan mapay-mapay tangkal. Jig kaditu. Jig kadieu. Jigana mah da geus biasa. Teu sieun deui. Kaditu-kadieuna da ukur ngandelkeun tangkal bari gugulayunan.
“Auouoooooo! Auouooooo!” Bangun sorana leuwih agem ti nu tadi.
Gurawil. Kep. Gurawil. Kep.
Gubrag.
“Aduuuuuuhhh…” Tarsan labuh lantaran nubruk témbok gedong.

RUSIAH PEUTING ROMADON

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 06:01:10

ROMADON katompérnakeun. Langit alum. Sangungun urang lembur nu ngaleut jajap layon Kang Madro’i, marebot masjid jami. Sora Tahlil ngagerenggeng sapaparat jalan. Kang Madro’I, pada mikakangen ku sora adanna nu halimpu. Matak nyérését kana haté. Saréréa asa diheulang. Sabab, Sora tarhimna kapireng kénéh ngahudangkeun nu rék saur tadi peuting. Taya nu teu sedih, iwal ti Nyi Halimah.
“Sanajan hirup nyorangan, abdi mah ihlas. Alloh geus nyukupan sagalana.” Pokna, basa hiji mangsa nyuluran Ajengan Hilmi dina rotinan malem sabtuan. Saurang ogé taya nu teu ngahaminan, iwal Nyi Halimah.Paroman Nyi Halimah ngabeusi basa pasaran ngaliwat hareupeun imahna.
Biwirna rapet, taya kecap pangdunga nu kedal. Leungeunna tipepereket nyepeng anakna nu tibuburanjat hayang milu kana aleutan. Miharep duit solawatan. Nyi Halimah kukuh, teu ieuh hayang ngaleupaskeun.
Ingetanana mulang deui genep taun ka tukang. Narémbongan. Basa janari taya tarhim. Nu kapireng ukur sora haroshos nompo kana ceuli. Harita, cimatana ngamalir marengan kateuwalakayaan.***

NARAWANG

Kénging Eulis Wiwin
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 05:33:42

Nini inot, emut bae kanu jadi putra, anu di pangumbaraan.
Jangjina dinten ieu, baris mulang ka lembur, tapi di dago dago can teu aya .
Mini inot lumpat ka kamar, kokotètèngan milarian kertas, pikeun bisa tepung jeung anakna.
Komputer di hurungkeun, bari maca paririmbon ,klik, klik, bray pameunteu putrana aya payuneun, nini inot atoh.
"ujang ema sono, gening tereh, teu kudu narawang!
Tatanggana, nyalampeurkeun reuwaseun, nguping nini gogorowokan, aya naon nini? Teu kunanaon?
Si nini, tutunjuk kana komputer, itu si ujang, teu kudu diimpleng ditarawang, ayeuna mah, malah bisa ngobrol.
Komputer dirogrog, cingan urang cobaan, "ujang kumaha damang?"
Si ujang imut, ngawaler bari ngalimba, teu nyangka, bakal pikieueun. Alhamdulillah ya Allah, tiasa ngabingahkeun manahna, oge tatanggina.

NU BALIK MALEM LEBARAN

Kénging Phieman
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 05:24:03

Leuseuh da puguh lalampahan jauh, jaba tiris kabina-bina abong janari usum katiga.
Sagala rasa kaubaran basa anjog panto aya nu mukakeun, geus ti soré kénéh siganamah manéhna nungguan.
Tuh enya manéhna kaluar. Teu kawawa sono, komo basa sakolépat nempo si bungsu keur narima telepon, ti akina kitu? “Mamaaaah” Kadéngé budak ngageroan indungna. “Ieu aya telepon ti Ua”.
Oh geuning ki Lanceuk nu nelepon téh. Aéh heueuh kamana nya, naha teu bareng pan inditmah reureujeungan.
“Halow, …Kumaha?... Gustiiiiii! Telepon ngulapés nu narimana sigana kapiuhan.
Panasaran nya ngomong naon ki lanceuk téh. Kadéngé halon aya kénéh sora, “Sabar nyai, geus titis tulisna meureun, ayeuna gé akang di rumah sakit kénéh da sarua sa beus atuh nyuksruk di Godebag”.

GRATIFIKASI

Kénging Lili Nurjayadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 04:35:44

“Ké wang ngala sosin” ceuk mang béyé haripeut. “Gratifikasi lain?” ceuk manéhna bari nyéréngéh. “Muhun!..., kadeudeuh Amang keur Pa Mantri Pertanian” mésem, siga anu teu apal naon ari gratifikasi. “Geus tong loba teuing, kumaha ngadaharna?” manéhna ngahulag. “Ih raos diangeun, make emi, atawa jeung tahu geura” tembalna bari nalian sosin dina jok tukang. “nuhun, ké urang kadieu deui” bari ngajius.

“Pah rék dikumahakeun sosin sakieu lobana?” ceuk pamajikana bari ngudar sosin. “bagikeun ka tatangga, sésana pasak” manéhna ngoloyong rék ngudar boot. “kawas di kota waé….., kamari saladah anu dibagikeun ogé geuning ngararambang di balong, teu butuheun dibéré sayuran urang dieu mah”. Pamajikana nyéréngéh. “urang keureuyeuh, lebar langsung ka laukeun mah” témbalna terus ka cai.

Dua poé téténjoana hararéjo, dina piring sosin, dina mangkok sosin, tepi dina katel oge masih aya sosin. Nincak katilu poéna manéhna reuwas, suku jeung ramona jegjreg hésé dibengkokeun. “Mah tulungan, Bapa kasibat ku gratifikasi sosin………”.

LEWALAN MUNGGALAN OWÉH

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 03:02:48

Ceuk wéja nu katalima ku owéh, olang Islam mah galalak. Henteu wisa samwalangan walang dahal, alapik. Itu ieu halalam mun teu malaké du'a ngadahalna. Naha malanéhna alemwung ngadahal daging wawi nu sakitu ngeunahna? Anéh pisan.
Ayeuna owéh geus ngucapkeun sahadat, asup Islam kalayan kasadalan solangan. Sumfah, euweuh nu maksa. Unggal foé miluan fuasa sanajan lifuh kacida. Feutingna talawéhan di masigit, telus diajal ngaji ka Ustad Zalkasih.
Indung, wafa, jeung dulul-dulul teu fanuju owéh ngagem agama anyal. Sadayana ngusil owéh ti lolomfok, kudu nyingkah. Lami ogé owéh jadi galandangan, cicing ti masigit ka masigit, fifindahan. Alhamdulillah, feuting takwilan ieu owéh geus namatkeun fuasa sawulan camfleng. Malaikat dalatang, ngucafkeun salam wali nyiuman owéh nu geus taya nyawaan.

DAN JUHRO

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 02:41:24

Dan Juhro tèh, jenengan pun aki, naha disebat Dan? Sab anjeuna tilas komandan Pulisi. Mung ayeuna tos pangsiun, tapi ari sipat jumawa, polontong jeng galak mah masih aya kènèh komo pami teu saluyu sareng manahna, mung aya kalemahana nyaèta sok mabok pami naèk kandaraan umum sapertos beus, karèta komo angkot mah.
'' Kumaha atuh Bah? Da urang mah teu gaduh mobil pribadi, urang nyèwa angkot wè ka Bandung tèh'' ceuk kuring nanya. Ari haok tèh nyèntak '' Na, ari manèh teu nyaho dèwèk sakitu sok mabok ogè!''.
'' yeuh, abdi nyandak landong dileueut mèmèh mios nya, bah'' kuring ngolo. Dan Juhro cèngkat, gantawang nyèntak deui bari molotot.
''Apal dèwèk ogè ubar kitu mah, èta mah paragi mabok di darat, di laut jeng di udara!" cenah"
'' na kunaon kitu?" kuring hèran."
'' pan dèwèk tèh pangsiunan ti kapulisian, lain angkatan darat, laut komo udara mah!"

PEUTING NU RUNGSING

Kénging Alex Hasan Sapari
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 01:54:38

Dua kali puasa, dua kali lebaran. Teu salah lamun salaki kuring dilandih Bang Toyib téh. Teuing ka mana jorna. Basa manéhna miang, harita Si Ucé keur umur dua taun.
Disiksa ku tuna banda, beurang capé gawé, peuting kadang kurang saré. Baku tengah peuting téh Si Ucé sok lilir, ceurik. Teuing ku naon, peuting ayeuna mah hésé répéh. Ngahinghing bari ngarenghik, matak rungsing. Geus dibébénjokeun, dibibita nepi ka disingsieunan. Angger teu répéh. Inget wé ka Nini Anah anu maot tilu poé katukang. Anjeuna téh lumpuh mangtaun-taun.
" Jempé siah, engké didatangan ku jurig Nini Anah," ceuk kuring.
jep répéh dakeudeung. " Teu sieun Ucé mah, barina ogé Nini Anah mah lumpuh, jurigna ogé moal bisaeun ka dieu," témbalna téh bari tuluy ngahinghing, ceurik deui.

BATAL PUASA

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 01:53:26

Tabuh dua beurang. Haté Amin guligah. Puasa téh asa hampos, teu sugema. Béda karasana teu jiga biasana. Asa teu nikmat. Gék diuk, Amin ngimpleng. Pikirana narawang ka isuk-isuk, nyukcruk lalampahan sugan kapanggih sababna. Pikiran asa aya nu muka. Bréh implengan eunteup ka jam salapan basa keur ngobrol jeung Maman. Obrolan téh asa dieusi ku ngomongkeun kagoréngan si Sarip nu Maman jadi apaleun. "Eta meureun," gerentesna. Amin istighfar terus cengkat. Gedig indit nepungan Sarip rék balaka bari ménta hampura. Balik ka imah, suruput Amin nginum: "Gustiii .... puasa abdi ruksak dinten ieu, pantesan karaosna bénten. Batan ruksak, puasa gé percumah, abdi ngabatalkeun dinten ieu. Ieu hutang abdi engké syawal." Suruput nginum deui. Seeer ... asa aya nu anéh karasa ku Amin na jero haténa. Ngabatalkeun puasa tapi kanikmatan nu leungit bet karasa deui, malah leuwih-leuwih tina biasana keur puasa.[]

HAMPULA OWÉH...!

Kénging Agus Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 01:47:59

Pisaminggueun deui ka lebaran, urang Lembur Taringgul ibur. Pasalna mah isuk-isuk di hareupeun sawatara imah aya kantong kérésék. Barang dibuka téh eusina baju weuteuh sapangadeg, sarung, mukena, jeung duit diamplopan Rp. 500 rébu. Nu matak jadi ibur, ku lantaran saréréa teu apal saha nu neundeun éta bungkusan. Teu sakabéh imah deuih ditundaan, nu aya bungkusan téh di imah-imah jalma miskin.

Ronda anu kagiliran tadi peuting ditanya, diguliksek, sugan apal saha anu neundeun éta bungkusan. Nu ditanya ngabigeu, lapur teu nyahoeun. Kilang kitu, salelembur saruka-bungah. Teu kaya teu miskin, walatra tinemu jeung kabagjaan. Nepi ka cacap puasa ditungtungan ku solat ied, weléh saréréa teu kungsi nyaho saha anu ngabagikeun éta bungkusan.

“Hampula owéh ngaliweuhkeun, Pa Ustad.” Ceuk hiji jalma pasosoré poé lebaran nyarita ka Ustad Nawawi. “Keun waé, Ko, kumaha wé carana mah...” témbal Ustad Nawawi ka Rudi Tanuwijaya anu sabulan ka tukang asup Islam.***

PANINEUNGAN TANGGAL 9 BULAN PUASA

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 01:42:29

Harita téh pareng bulan puasa. Mangsa geunjleung satangkaraking jagat. Sora nu tingjelegur teu reureuh di sakurilng bungking. Bugang paburisat nyilalatu ka jomantara. Getih sarakah awor jeung getih suci. Tepis wiring pasoléngkrah ku babatang. Cimata nyitu jeung renghikna. Reumis beureum mulas sakur lamping. Wanci saur. Aya nu tingketeyep. Ngalangsud muru keretas sacewir. “Kiwari nyanding wancina. Ngalap barokah bulan suci. Allohu akbar...,” pokna. Bari ngagutrut. Leungeun ngeleper. Nu haladir ngahaminan. Ranggah. Jumerit. Isukna. Angin ririh ngahiliwir. Kakayon tingkulisik ngabagéakeun ngemprayna balébat. Geusan seuweu siwi suka seuri. Hiji kalimah ‘nu dianti tinucap rampak. Ngalanglaung sapangeusi nagri.

ONTA

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 01:14:48

Sarah ngaranna. Kelas tujuh. Awakna bongsor. Bodas. Keureut beungeut ngadaun seureuh. Halis ngajelér paéh. Irung mancung, ilaharna turunan Arab. Hiji mangsa keur nginghak pipireun kelas. Ditalék. Teu némbalan. Kalah cimata nu mingkin juuh. Budak dikaléng dibawa ka rohangan guru.
“Sarah téh kunaon?” Tanya kuring. Leuleuy. Inghakna mingkin kerep.
“Sok geura wakca ka Ibu.” Bari taktakna diusapan. Budak melong, nyusutan cimata nu tetep reumbay.
“Pa Andi, Bu…”
“Pa Andi kunaon?” Kuring rada reuwas. Sab Pa Andi teh hiji guru nu kakoncara resep heureuy ogé purunyus.
Sup Bu Nina asup ka rohangan. “Aya naon Bu?” Cenah. Nyampeurkeun. Kuring gideug.
“Sarah, kunaon nangis?” Bu Nina miluan nalék. Budak kalah beuki rambisak.
“Pa… Pa Andi, Bu!” Bu Nina ngarérét. Paromanna katingali sarua reuwas.
“Pa Andi kumaha ka Sarah?” Budak kalah beuki nginghak.
“Sarah bageur. Sok terus terang ka Ibu. Dikumahakeun ku Pa Andi?” Kuring nalék deui bari ngusapan sirahna.
“Abdi… Abdi disebat onta, Bu!”

GERENTES EMA

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 00:38:30

Lain hayang dipulang tarima, ieu hatè teu bisa dipapalèrkeun, kangen. Hayang nempo kaèdah-kaèdah nu dibekelkeun basa anjeun rèk ngumbara, dipakè sibeungeut. Tapi mun nyaksian seuneu ngagugudag di saban madhab, banjir getih di saban kota, karuksakan di saban buku kahirupan, cangcaya.
Ema hareudang. Basa maca deui kitab nutpah. Anjeun pisan. Barèto remen digalantangkeun, sangkan kholifatul fil ardi ngancik dina diri. Rumawat. Nyaahan. Ayeuna nu kadèngè kalah gelik suling. Ceurik. Lain sora suku rintih lumahpah. Poho ka ema. Nu ngasuh saban detik. Ema teu suka. Naha teu inget sajarah dikèremna umat Nabi Nuh, jeung azab nu ditibankeun ka umat nabi sèjènna? Naon atuh nu ngalantarankeun popohoan? Hayang ngaleuwihan Nabi Sulaèman lain? Meni ngaraksuk pisan. Hayoh wè ngadules. Gunung ditutuh, leuweung dipapas. Geus puguh eusi beuteung ema, budal-badil. Masih teu katempo kènèh waè atuh nu nandangan tunggara alatan anjeun?
Bongan anjeun teu bisa ngalieuk. Hampura.
Rieg, rieg, rieg! Awak pasolèngkrah teu mangrupa.

NU CEURIK

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 00:36:27

Resep di masjid téh, réa batur ayeuna mah. Sapuluh poé panungtung tuda. Ngaji gé jadi lewih sumanget. Beuki peuting beuki orot. Orot nungtut ngararéngkol. Tina hadr jadi tartil. Da, lila-kalilaan mah ngaji gancang-gancang téh ripuh. Tapi mujikeun mah nu keur cerik. Ti saprak loncéng ngagémréng, nepika wayah kieu téh, meni heunteu aya eureunna. Kuatan. Mun kuring mah meureun geus engap-engapan. Keur boga hutang sigahna mah, atawa pedah kawinna teu tulus waé. Teuing tah.
Pak segrék nu kalérék, patémbalan jeung nu ceurik. Najan geus salaré gé, angger wé masjid téh ramé. Jadi panarasaran. Ah keun, bisi kuring ngaganggu. Geus meujeuhna ganti lagam: tina hijaj kana soba, ngarah cocog jeung suasana. Enya. Nu ceruik sada midangdam. Tapi sigahna nu cerik ngajak heurey. Kuring ngajina tarik, manéhna milu tarik. Kuring ngajina laun, manéhna milu laun. Ah, ayeuna mah geus teu kuat. Panasaran hayang nempo. Ngaji dilaunan. Nu cerik ngalaunan. Ngaji eureun. Pét. Simpé.

PEDA

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 00:09:45

Kolot baheula mah pagawéan ngaduruk hawu. Ngajepatkeun peda dina ruhak . Meni girinyih barang peda hanjat kana sangu pulen. Sambelna cabé gendot ladang ngojay tina lebu panas. Nihmoot...! Tapi iraha kaalaman deui? Pikiran kuring jeung si Udin sarua lamun geus ngobrolkeun jaman baheula. “ Awas din!” Kuring nu keur diboncéng ku si Udin nyorowok. Harita kénéh motor ti bubuy kana solokan. Ugal ugil kuring hanjat. “Haruuh asa jadi peda euy… halaah!” si Udin ngarahuh nahan kanyeri jeung kacapé. Kuring diuk gigireunana bari nyangigiran motor butut nu embungeun hirup deui. “Deuleu din, halimun kuat jiga peda?” kuring nunjuk ka luhur. si udin nurutan tanggah kalangit bari mététkeun panona nyinglar sorot panon poé nu mimiti ngagulutuk ka kulon. “Uing balik tiheula nyah?” Si Udin cengkat bari ingkud- ingkudan. “Motor mah jingjing wé ku manéh heu’euh!?” Ceuk manéhna deui. Basa manéhna ngaléos kuring ngan bisa colohok ngitung laku pilampaheun.
“Wan, teu panasaran ayeuna mah. Bener ngeunah euy beuleum peda dijerukan téh!” Ceuk si jenat harita basa saminggu saméméh ninggalkeun kalanggengan.

BAD LOSER

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 00:09:27

Agénda taunan. Unggal nyanghareupan tujuhbelasagustusan tiap lembur ngayakeun rupa-rupa lomba. Ti mimiti lomba keur barudak, rumaja, nepikeun ka lomba keur aki-aki nini-nini diaya-aya. Raména mandéan Olimpiadeu. Buruan imah, kantor desa, balong, tegalan ngadadak jadi aréna lomba. Geunjleung. Éyak-éyakan.
Bérés lomba, peutingna ngarumpul di pos ronda. Biasa ‘Press Conference’! Kuring nanya ka Kang Uding-atlét pingpong nu langka tandingna, “Kang, kumaha pingpong?” Ngahuleng néangan pijawabeun. Teu lila pok ngomong, “Éléh ku si Odi.” Leuleus. “Na bisa?” Kuring reuwas. “Da kitu uing mah, ari maén jeung nu goréng téh sok kabawa goréng. Éléh wéh. Énté kumaha catur?” Uding nyieun kélah bari terus nanya. “Sarua,” ceuk kuring. “Sarua kumaha ieu téh?’ Uding nanyana atoh. “Enya kitu, si Otong éléh ku uing. Pan uing leuwih goréng ti manéhna.” Kuring ngajawab téh asal pok bari ngageberan beuheung ku duit saratusrébuan sapuluh lambar kadeudeuh ti Admin.

PAGÉTO RÉK LEBARAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2013 00:03:14

“Kang, kumaha atuh barudak hayang baju bedug ?” Ceuk Otih ka Jana. “Laahhh…mana nu leuwih penting puasa atawa lebaran ?” Jana rada nyentak. “Nya lebaran atuh ! Pan sanajan lain usumna ogé urang mah mindeng kapaksa kudu puasa.” Otih bangkenu. “Geus mun kitu mah ayeuna uing moal puasa !” Jana nyokot piring tina erak. “ Rék dahar naon ? Pan sangu poé sésa kamari gé teu nyésa saréméh-réméh acan. Dipaké saur ku barudak.” Léos Jana ka pipir. Clak , kana sadel beca. “ Sakedap nya Mih, Apih badé ka kantor heula ! Manawi aya pasén.” Jana ngajorowok bari terus ngaboséh. Ti haneut moyan nepika panon poé tunggang gunung ngan meunang dua tarikan. Ngan sapuluh rébu nu kapésakan. Méméh balik nyimpang heula ka warung Bi Onah. Meuli beas saléter jeung asin pépéték. “ Ari nu kamari iraha rék dibayarna ?” Bi Onah nagih. “ Engké mun meunang THR…!” Ceuk Jana kalem.