Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Juli 2013 (49 Naskah)


POÉ PANANGTUAN

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 23:59:35

Jep. Kelas ngadadak simpé. Taya nu wani ngomong sakecap ogé. Nu kadéngé ukur sora engapan. Nu guligah tapi pinuh ku pangharepan.

Datang lalaki tengah tuwuh. Maju nyarita hareupeun kelas. Teu lila tuluy ngabagikeun amplop, ka sakabéh murid. Kaasup kuring, nu pinuh ku rasa kapanasaran.

Sanggeus réngsé dibagikeun. Kabéh murid muka amplopna séwang-séwangan. Kuring lumpat ka luar, moro ka WC siswa. Tuluy muka amplop, nu ti tadi dicecepeng. Barang bréh dibuka. Kuring teu wasa nyarita. Ngan ukur cimata, nu bisa ngawakilan rasa...

SIEUN KU UCING

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 22:42:04

Teuing naon mimitina. Teu ngarti. Sainget uing, sapanjang nyunyuhun sirah nu ieu, lamun nempo ucing teh sok sieun. Tibabaranting lumpat. Nyumput buni pisan. Kabita ngabandungan Juragan Karta. Ucing aya puluhna tunduk kabéh. Teu pira ukur diparaban cucuk peda jeung sangu sésa. Uing nu tadina sok remen ka imahna antukna ngarasa keueung. Ka imah Juragan Karta téh lain niat jajaluk, jajauheunka barang pénta mah. Ukur mulungan béas nu maruragan ti gudangna. Lumayan dikumpulkeun mah. Cukup jang eusi beuteung. Naon deui atuh gawé teu boga. Bujeng kitu sakola gé teu kungsi. Ngan éta jalan hiji-hijina. Ema jeung apa sarua. Uing gé sapanjang bisa mandiri mah teu umandel teuing ka kolot. Kawas poé harita Juragan Karta réngsé ngahéler. Béas tonnan téh diparanggulan ka gudang ku anak buahna. Uing geuntak luncat mulungan nu maruragan. Lain deui ruménjagna. Puluhan ucing geus ningker. “Beurit podaran!” gorowok Juragan Karta.

NÉANGAN ANJEUN

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 22:28:23

Ngajanteng handapeun sésa purnama nu pérang. Nyidik-nyidik. Nyérangkeun. Unggal jaladri nu balik ka tengah sagara. Nu ninggalkeun budah, dina amparan basisir keusik.
Ngécéskeun panénjo, sugan aya kelemeng béja ti anjeun. Suwung kénéh waé.
Séooor...! Angin ngaweuhan wanci, ngulamprengan jeungkal-jeungkal
waruga. Ngusapan, inci demi inci sesela diri.
"Di mana atuh anjeun téh,
jungjunan? Bet téga, taya ras-rasan.
Nunda kamelang nu mingkin
ngagenclang."
Langit dumadak angkeub. Badis surti, ka diri nu sedih kingkin.
Paralak...! Girimis nganteur silantang. Angin
robah handaruan. Kawas ngagero
jaladri nu ngawut-ngawut léah sagara.
Saléngkah demi saléngkah. Suku ngajak nincak budah di sisi basisir.
Mingkin hareup. Mingkin tengah. Katénjo anjeun gugupay,
ngadangdingkeun hariring kinanti asih.
Bagja. Sugema. Sagara ngabagéakeun
ka tamu nu anyar datang.

RÉUNI

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 22:13:25

Diraksukan kokojona dangdos rapih, badé ngahadiran acara Halal Bihalal sakantenan tepang sono Alumni Mahasiswa Calakan.
Dugi ka lobi hotél aya Kang Adam nu kungsi jadi papacangan. “Bagéa Néng, kumaha damang?” Anjeuna naros. “Alhamdulillah saé Kang,” kuring ngajawab bari tagiwur haté. “Hayu, acarana badé dikawitan!” Kang Adam ngajak ka ballroom, tempat acara. “Ehem, cinta lama bersemi kembali yeuh.” Réréncangan ngagaronjak, kuring asa samar polah bari bungah.
“Salajengna dihaturanan ka panggung, Kang Adam sareng Téh Ina,” saur panatacalagara. Kuring ukur silih teuteup sareng Kang Adam. Hadirin keprok, réréncangan nu sa méja ngajujurung. Antukna nyanyi duaan. “Pertemuan yang kuimpikan kini jadi kenyataan. Pertemuan yang kudambakan ternyata bukan hayalan..”
“Ondangan naon Mam?” Nu mulih tarawéh mungkas lamunan. “Euh ieu Pap, uleman Halal Bihalal.”

KOKOTOR

Kénging Dedi Jr.
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 21:32:50

Isuk-isuk. Jamaah Ied geus ngajajar di tengah lapang. Husu ngabandungan hutbah.
Panon poé karasa haneut, yulusup kana tonggong. Takbir nusuk jajantung, ngadulag ngawirahma. Haté ngabatu muruluk. leuleus nahan piceurikeun.
Teu jigah mangkukna. murang-maring ka pangeusi imah. Amarah teu kedal, ngulibek. Nyeuneu pamohalan pareum. Komo peureup can nyangsang dina pipina mah, haté téh sésébréd kénéh. Da éta bahasana matak nyentug kana angen. Majarkeun resep ngadahar kokotor. Pédah nyogrog-nyogrogkeun manéh hayang jadi mustahik. Lamun lain ka kolot, harita kénéh geus didengkék tuluy dipangkék.
Asa kaduhung. Ayeuna geus ka harti. Jakat téh pikeun ngabersihan ririged diri. Ancoan jalma nu bener-bener butuh. Ibarat miceun kokotor dina beuteung.
"Hampura Ustad! Jigana anjeun anu mimiti juuh ku cimata jalma campelak kawas kuring!" Panon beueus, neuteup jalma nu nangtung hareupeun mimbar.

ROOM 4

Kénging Rijal Paturohman
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 21:25:41

Geus jam duawelas peuting.
Tamu karek meunang tiluan, awak asa pasiksak, biwir jeung baham geus teupuguh rasakeunana alatan nginuman wae bir jeung ngepluk ngaroko.
Baju pungsat warna kayas geus lahak jeung rarikes.
Mabok.
Deukeut room 4 leubah tulisan iklan merk inuman alkohol aya lalaki asa wawauh kana deudeugana, make seragam hiji perusahaan nu sok langganan ngabooking room jeung escortna,
ah, saha nya. Pas manehna ngalieuk ngagebeg saawak - awak, sanajan keur mabok ari tetempoan mah waras keneh.
Kang Heru!! budak ajeungan tatangga jauh di lembur kuring, Cirahong.
" Ngiring kalebetnya" manehna nyampeurkeun bari ngaleng ngajak ka room 4.
" Tong seueur saurnya, Bos akang hoyong di sarengan ku salira"
Jam setengah satu di tempat karoke "Black Angel"

ISUKAN

Kénging Liezbella Swanzen
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 21:07:24

“Abah, iraha lebaran téh?,” haréwos Ujang bari muter-muter nyéré kanu taneuh. Angin ngaliwat nyecep tiis. Abah ukur bisa neuteup panon poé, nu mencrong beuki seukeut nyokot sagala rupa kahirupan. Awak tutung. Rangka nyarita dina salambar kaos bodas nu geus leungiteun bodasna. “Abah, geuning puasa teh lila naker?, pan itu toko baju geus tiiseun?, tapi geuning can lebaran waé? Teu tulus waé lebaran téh? Naha Abah?,” Sora Ujang ngahelas. Lung, nyéré dialungkeun. Terus nangtung, nango dina pageur masigit. “Ujang hoyong lebaran, Abah mah puasa waé,” Sorot panon ngalimba. Angin ngaliwat beuki tiris. “Ujang hoyong acuk lebaran,” Angin beuki anyép. Leungeun Abah ukur bisa ngusapan buuk Ujang. Ngeleter lain pédah puasa, tapi dirajah mangsa. Ukur bisa nangkarakeun leungeun di sisi jalan. Angin ngaliwat mawa guligah. “Isukan Ujang lebaran téh, ...isukan lamun tulus,” sora Abah mangrupa hiliwir angin.

BULAN PUASA KATOMPÉRNAKEUN

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 21:06:46

Warga. Tumplek di balé RW. Gempung. Nyawalakeun, nyiar tarékah. Nyieun tanggara, pikeun ngahudangkeun nu rék dalahar saur. Sab dina puasa katompérnakeun ieu, nu salaur téh beuki suwung. Padahal geus sababaraha rupa modél tanggara, dijieun. Dikeprak. Diabringkeun. Dikurilingkeun ka suklakna ka siklukna, ieu lembur. Ti mimiti; ngadulag, tagonian, nasid, calung, kendang penca nepi ka dangdut sapisan! Angger wé kabéh warga téh suda harudang. “Cik, aya nu boga pamanggih?” Wa DKM, mencrong. Nu dipelong, ngareluk. Simpé. Dumadakan aya nu ngacung, “Kaula…!” Nu tarungkul ngarénjag. Sorot panon sabalé, nelek-nelek ka nu nyoara. Patingkecewis, “Jajaka gagah! Saha, nya?” “Maké iket, karék nénjo! Urang mana, eung?” “Ceuk uingah, sidik lain urang dieu!” Wa DKM, ngagebés, “Sssttt…! Dulur-dulur, répéh!” Neuteup ka si Jajaka, “Sok! Jang, kudu kumaha?” Si Jajaka unggeuk. Ngaharéwos ka si Tumang nu keur ngajogo, gédéngeunana. Nu diharéwosan, nguniang. Nguliat. Muridingkeu sabulu-buluna, gigibrig. Terus babaung ngalanglaung, “Aaauuung…!”***

NGAWULA KA NASIB

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 20:53:10

Sujud teh asa hayang lila pisan. Asa lebar kulamunan. Husu malar mancawura, awor jeung keclakna cimata. Kacipta bagjana shalat Id teh ngabring sakulawarga. Untung kuring geus bisa jeung biasa, nyelapkeun kabagjaan dina tungtung imut keur tatangga jeung kulawarga.
Unggal taun kuring teu bisa sungkem ka mitoha. Sapuluh taun rumah tangga can aya kecap narima ti anjeuna. Kasalahan kuring, pedah ngadahup jeung putrana. Kuring randa anak tilu, opat belas taun leuwih kolot ti manehna.

SAPTUAN

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 20:38:16

“Ma, kopi lah saeutik gulana!” Song kopi sagelas. Muru seuseuheun. Gesruk nyeuseuh. Sepré, anduk, simbut. Pinuh ku utah mabok. Rét cai. Moal pimahieun. Nyeuseuh heula wé. Réngsé nyeuseuh. Tinggal meresihkeun. Giwing émbér, muru kompaan dragon. Halodo tarik, cai ngérélék , ngaliwatan heula saringan. Teu disaring konéng kana seuseuhan.

“Maaa…! Maaa…!” Sora gero meulah panasna poé. Cul cai. Srog ka hareupeun salakina. “Naon Pa?” “Ieu suku cangkeul. Tapi walikat wé heula. Rancétan!” Gap taktak, tuluy nyasar kana walikat. “Tarikan atuh lah! Mani asa dipencétan sireum!” Ditarikan. Katémpo nu dipencétan mimiti pelér. Lalaunan ngoléséd. “Rék ka mana sia? Sukueun!” “Sugan téh tos tibra!” “Tibra-tibra mata sia! Anggeuskeun!”

Meunang sajam, tibra.

Balik deui ka na kompaan. Sadana semu ngajerit lumengis. Kompa kolot. Meresihkeun bérés. Moé. Gap asakaneun jang dalahar beurang. Gesat gesut. Ieu poé Saptu. Buburuh harian. Poé Saptu bayaran, buruh buang benang.

Soré Saptu. Salakina mapagkeun. Namprak duit gajihan.

SALANCAR

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 20:18:55

Lebah langit pangwétanna. Mangpirang haseup ngelun. Béda-béda warna. Handapeunana aya seuneu nu ngagolak. Ngagugudag. Ngaheabkeun panas nu kacida. Teu kateuteup aya keclakning cai. Teu karasa aya hiurning angin.
Ti jéro ngabebelana seuneu. Kaluar hiji wujud. Ranggaék tandukna. Jangkung alahbatan gunung. Panon burahay. Saawak-awak pinuh ku bulu. Rét manéhna ka kuring. Aya gerem nu handaruan. Tuluy ngadeukeutan. Lengkahna ngingeungkeun alam. Tumanya. Sorana lir seahna salaksa galura. "Dupi salira kamari ningali siaran tunda?"
Kuring kerung. "Persib?"
Manéhna unggeuk.

PANGLIMA PERANG

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 19:33:05

Di Alun-alun Indraprahasta, Yudistira rek ngumumkeun pangangkatan Panglima Perang nagara.
"Kaula seja ngumkeun Panglima Perang di opat angkatan!" Yudistira ngarandeg.
"Mangga dilajeng, hak preogratif Yayi!" Ceuk Kresna.
"Angkatan Darat ku Abimanyu, Angkatan Udara ku Gatotgaca, Angkatan Laut ku Jayakatwang, Angkatan Dasar Bumi ku Antareja!"Ger rakyat surak. Tanda satuju.
"Aing satujuuuu, asyik, Si Gatot, Si Tawang, Si Reja kapilih, asyiiiik!" Bima ngagorowok tarik. Nu sejen keom.
"Salajengna, mangga para panglima marajeng!" Kresna ngumumkeun. Nu tiluan maraju. Iwal Antareja can hadir. Bima ambek.
"Reja, merene, Reja!" jlig, jlig, jlig. Bima nenjrag bumi. Eundeur. Teu muncul. Beuki ambek.
"Reja, Reja, mereneee!" Gejlig nenjrag bumi satarikna. Meja tingjuralit. Riyeg. Pucunghul Antareja bijil. Bajuna baseuh, kalotor. Bau. Sarerea nungkup irung.
"Nanaonan ieu teh Raden, asa barau?" Kresna nanya.
"Numawi, pangna kaula telat teh, hayoh nyasab, sababaraha kali nobros kana septik teng, wadah taeun Uwa!" Cedok nyembah.
"Wong edan Si Reja!" Bima ngagejlig. Ngaleos.

SONO KA LEMBUR

Kénging Aray Nutisajra
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 19:22:35

Lawas kuring teu kadieu. Di sisi wahangan ieu. Ngumbar lamunan. Nyérangkeun budak lembur nu ulin eméngan. Di na leuwi. Caina hérang semu héjo ngalangkang langit. Bréh lalakon baheula. Kokojayan jeung batur sakola. Bubulucunan. Taya kaéra. Luluncatan ti na cadas gedé. Enggon moyan tukang nguseup. Gujubar! Lep titeuleum. Mucunghul di sisi beulah ditu. Sidéngdang malidkeun rereged. Seger. Calacat hanjat. Kareungeu aya nu ngajerit. Disusul ku nu tingcikikik. Ibu-ibu nu nyeuseuhan di girang. Nyeungseurikeun bari meungpeun carang. Gebeg! Karék nyadar. Kuring lain budak deui.

NYADAP KAWUNG

Kénging Herlan Djatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 18:52:09

Cék Aki, tangkal kawung téh saumur jeung kuring, 20 taunan. Katelahna Kawung Banén. Tangkalna leutik handap. Injukna kandel jembet sarta leutik ngan saukur nakop sarubakna palapah. Kabeneran Aki nu manggihan tangkal kawungna waktu petet kénéh. Ayeuna kawungna geus mepet. Tongkolna bijil. Sabulan deui bakal muray jadi langari caruluk. Tina bijil caruluk nepi ka bijil leungeun kawung, éta nu panghadéna disadap. Mangkukna Aki ngantunkeun. Untungna kuring geus diwaris cara-carana nyadap kaasup jangjawokanana.
Katempo leungeun kawung geus muray. Palapah-palapahna dibukaan. Dipiceunan cangkang leungeun kawungna. Minggu hareup rék ditinggur. Da kitu itunganana. Poé Mingguna waktuna ninggur. Tangkal kawung ditaékan maké sigay. Leungeun kawung dipeupeuhan ku kai paninggur, laju dipotong ku bedog sadap. Dibungkus ku daun cariang. Di jerona dieusian ku palapah salémpak meunang ngabebek. Ngan geus sababara poé, lahang teu sakeclak-keclak acan kana lodong. Héran. Naon nu salah? Cék Aki nu datang dina impian, cara nyadapna aya nu kaliwat.

AHÉNG

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 17:29:45

Obor kakalicesan katebak angin. Pes pareum. Ngayap kana pésak néangan panékér. Héos, aya nu ngaharéwos. “Tah geuning. Yap kadieu jalu… “
Dina belegbegna peteng, aya cahya ngolébat. Mata ngadadak awas. Deuh, ningan diburuan saung? Diteges-teges, écés aya tilu aki-aki sila tutug ngariung waskom.
“Kadieu jang… “ si aki nu mastakana butak tapi béwos ku janggot bodas gugupay. Aki nu maké totopong imut. “Kula tiluan keur ngintip wanci, ngitung waktu, milang béntang. Hayang disakséni,” pokna. Nunjuk ka si aki butak laju nu maké blangkon. “Tah éta pun Nostradamus, itu Ronggowarsito kula katelah Balangantrang.”
Ukur bisa unggut-unggutan.
“Tah ieu hasilna.. “
Si aki nu tilu piligenti nepak cai dina waskom. Rérés, tiluanana melong terus unggeuk. Buru-buru ngintip Waskom. Hebat! Siga kaca lopian, kajadian-kajadian gedé sakuliah dunya pating kolébat.
“Kumaha?!” tiluanana nanya méh bareng.
“Saé. Namung hapunten nu kasuhun. Éta sadaya kajantenan téh tos kauninga sadayana. Da sok pirajeunan tumaros ka Mbah… “
“Kutan?! Mbah naon?!” Caruringhak.
“Mbah Gugel”

NU SONO

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 16:30:13

Bray! Panto dibuka. Bru! kantong kérésék babawaan ditambrukeun dina samak nu tinggal sapotong. Mundel beubeunangan téh. Aya martabak, roti, jeung hunkué. Séjénna mah haraseum. Basi. Bener ceuk Si Bapa. Kudu apal wayah sagala gé. Ibu-ibu komplék sok miceunan sésa sahur téh méméh lohor. Matak uing nyiar keur buka gé nya bada lohor wé. Tah keur nginumna mah, kabeneran meunang cai mineral tiluparapat botol. Botol palastikna rada marényon. Katindihan kaléng séjén tayohna mah. Baé lah asal caina beresih. Kérésék dibuka. Eusina di kaluarkeun. Dieurihkeun kana piring palastik héjo paranti Ema dahar. Ema? Kamana Ema téh. Tepung rebo tacan balik waé? Awak ngadégdég. Tinghariang. Dumadakan sono ka Ema. Ma! Isukan moal waka balik kitu? Pan lebaran isuk téh. Ujang meunang dahareun loba yeuh, Ma. Ujang sono. Dagoan nya, Ma! Ujang nyusul ka bulan ké peuting. Ujang keueung Ma, malem lebaran sorangan mah…

FORMULA 1

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 16:30:10

Tilu jalma. Pakaléng-kaléng bari nyanyanyian, kaluar ti hiji bar. Sup kana Taksi. Supir reuwaseun. Sab katingali tina kaca sepion, marabok beurat.
“Hayu, Mang.. Jalan.” Starter dikontakkeun. Gur mobil ngagaur. Nu marabok saleuseurian bari patinggorowok. Supir keuheuleun. Mobil ngan ukur digaur-gaur. Dihaja.Maju mah henteu. Teu lila manéhna malik ka tukang,
“Geus nepi, Kang..” Bari mukakeun panto panumpang. Nu kahiji mikeun ongkos.
“Tong dipulangan. Pék wé..” Ditingali ukur salambar duit sarébu.
Nu kadua nyebut, “Nuhun, Mang.”
Nu katilu ujug-ujug nyabok. Supir rada ngabangkieung.
“Gélo siaah.. ngebut-ngebut teuing. Ieu mah lain balap Formula 1. Ampir uing saparakanca tiwas.”

(Dicutat tina sumber Anonim)

DUKA

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 15:41:09

Kapungkur, nuju anom kénéh, abdi bingung, sesah milari artos, teras ngulik, kumaha carana, sangkan artos gampil, sanés ngipri, sanes nyegik, sanés ngépét, sanés nuyul, sanés nu haram, ulah awon sangki, nu halal Ang, janten padamel kantoran, namung abdi jujur, teras kapercanten, nyepeng artos seueur, kenging gajih ageung, namung sadidinten: Capé, pusing ngetang artos, sieun itu tea, sieun ieu tea.
Oh béhna mah kitu, teu aya mendingna.
Teu gaduh artos bingung
Seueur oge bingung.
Kedah kumaha atuh?
Duka.

LAGU MULANG....

Kénging Nur Asrianti
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 14:40:12

" Wilujeng Sonten.....Wilujeng Sumping..."
Anjeun imut ngagelenyu...di buruan. Nampi kasono ti palaputra putu...nu ting alajagrag bungah ngagalabrug kana lahunan....nu pinuh ku kasono....

Duh naha kasono jeung kanyaah sepuh...teu kendat- kendat nya ngamalir salawasna..baheula ka kuring jeung adi-adi wungkul ...ayeuna nambahan ka para putu jeung minantu....

" Aki....Aki... Eneng kangen " Si Bungsu langsung aya dina tangkeupan. Di pangku Digalentoran. Diabring-abring anak incu minantu muru tepas imah....katingalna sakitu bagjana....Jol ti enggon ninina bari sarua mudalkeun kasono....

Mulang lebaran taun ayeuna...., asa wegah ku rasa kagundah.....meureunan moal aya deui kajadian siga taun-taun kaliwat....dipapag diburuan...dipikasono...diteuteup deudeuh....ku anjeunna...
Ngan ukur aya gumalindeng sorana dina kalangkang nu saban waktu nyidem dina kasono....kalakay murag na lahunan, nyadarkeun diri kana katuna ...nyaenyana sagala aya tungtungna....

Mugia Anjeun bagja di kalanggengan...., Amin YRA

ANCIN

Kénging Wahyu Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 14:37:34

Ody murid kelas 5 kacida bangor. Jorang. Guru2na apal. Keur pelajaran basa Enonesia, nanya 'Cing saha nu bisa nyieun slogan nu huruf awalna M...'Guru milih Esih 'Merah darahku..!' 'Ayeuba make hurup K..!! Ody ngacung. Nu dipilih Mona 'Kokohkan persatuan !'
'Nu mimitina hurup Z Ody !!' Jero hatena sugan teu pijorangeun najan hariwang. 'Zenal ! Buka shaumna ancin, tapi etana mah ageung...!'

NU KUCIWA

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 13:19:55

Dina wanci carangcang tihang, cireumis ngagarenclang, ngagarayot tina tungtung daun buah. Clak ngeclak, bareng jeung ngeclakna cimata, laju disusut ku tonggong réma, aéh... Naha bet murubut? Teu kuat, tungtungna nginghak.
Taya pasini tapi bet nyeri.
Teu... Anjeun mah teu salah, kieu da memang kuduna, awal akhir gén, pasti bakal kieu jadina.
Bongan mibanda sifat deudeuhan jeung karunyaan, ka anjeun nu datang mangsa cumalimba, basa diri keur gudawang rasa, datang bari mawa cimata, harita bet asa boga batur sungkawa.
Ayeuna kuring kuciwa! Keun wéh. Kuciwa nu karasa beurat téh panan leubeut ku wejangan, nu bakal ngabeungharan pangalaman hurip.
Dina tung-tung labirin haté, sorot mata anjeun nu seukeut, jeung gelenyu imut anjeun, ditilep rapih, dibungkus ku sutra pulas bungur, disimpen didinya salawasna.

CAKCAK BODAS

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 13:00:51

Bada Isya, di tepas kadatangan sémah, asing, teu apal timana jebulna. Awak badag panjang, mata bolotot, kulit kulawu totol beureum, létah panjang méréngkél. Leumpang anca, ngised beurat ku awak. Salaku panguasa tepas, demi ngajaga komarana, Utih Bedegul ngawani-wani manéh. “Haturan, dupi salira téh saha? Ngageter keueung. “Kuring Tok tokééé! Kuk kuring nu mula ngageugeuh di ieu imah!” Sorana cempréng, sesentak. “Astagaaa…! Pangapunten nu kasuhun, pangjenengan téh Toké? Nu ngaahéngkeun dunya kumargi awis, nu tiasa dijantenken obat HIV téa! Bagja temen tiasa tepang! Mangga nyanggakeun salam baktos sim kuring cakcak bodas saparakanca!” Utih Bedegul ajrih ngelukkeun huluna, diturut anggotana. “Ih tong kaleuleuwihan kitu! Kuring nu kudu hormat ka aranjeun! Saha nu teu apal Cakcak Bodas, kawéntar lébér wawanén, licik! Kuasa ngabéjakeun tempat nyumput Rosul di guha Hira! Kitu pan?” Sakadang Toké rengkuh, sesentakna ilang. Utih Bedegul olohok bingung.

LAILATUL QODAR

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 12:33:49

Simpé. Peuting tujuh likur. Pitunduheun teuing kamana léosna. Atoh nu aya, gedé harepan, jongjon néang laélatul qodar. Tasbéh geus teu kaitung sabaraha puteran maturan embutna biwir ngagungkeun asma Mantenna. Karérét aya nu ngajuringkang di dapur. Rikat, ngagolér api-api tibra. Nu datang teu diondang keketeyepan muru kamar. Basa ngaléngkahan awak, ditongtak, gebruuu! Disusul tepus ku tonjokan kana beungeutna. Ngajurahroh di juru. Sarung nu dipaké tarégosna didudut. Bréh! Astagfirulloh, olohok mata simeuteun. Bangsat ceurik ngagukguk, ngarawu dampal suku, ménta hampura, bari ampun-ampunan. Kapoékan, nyanghareupan poé lebaran. Nu sujud dicengkatkeun kalayan di rangkul. Cimata teu katahan murubut maseuhan sirah anu dirungrum. Duit dina laci lomari dipasrahkeun kabéh. Niat isukan rék babagi amplop sodaqoh disimpen dina lolongkrang simpé. Éra parada ku tasbéh, bet kajongjongnan nyiar pamuji. Padahal si Cikal karék meunang musibah. Dua bulan kamari dieureunan gawé, alatan tempat gawéna bangkrut. Gedé harepan lebaran isuk, anak incu galumbira.

SAKARATUL MAUT

Kénging Siti Aisah
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 11:36:44

Kerejet anjeun ngerejet siga nu reuwas padahal keur tibra, kuring milu reuwas,
“Pa, kunaon? Laa ilaaha illallohhh!” kuring ngaharewos,
Hrokk, anjeun nyegrok, ngalieuk ka katuhu, tuluy beunta sakedap,
Kuring ukur olohok,
“Laailaa ha illalohh” anjeun ngaharéwos, les taya deui sora, ngan éta nu ku anjeun dikedalkeun
Taya deui kecap “ I love You” sumawonna “ I miss You “ mah,
Mun bisa mah kuring nyarita ka Izrail, anjeun tong waka dibawa, kuring sono kénéh!

NYAIR

Kénging Yan Himura
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 10:59:36

"Yan, rek milu ilaing?" Mang Uyo nyalukan bari mawa sangu timbel. Wanci geus nyedek ka tengah peuting. Kuring unggeuk. "Tuh bawa kojana" Mang Surdi nunjuk kana koja nu ngagantung.

Cikalagén ngan samumuncangan. Kasorot ku bulan mani ngagenclang hérang. Beunteur ting suliwer. burayak mamawa anak. Deukeut ka leuwi liwat tengah peuting."Di, naha lauk téh ngurangan?" Mang Uyo ngarandeg. "Biasa nu ménta jatah" tembal Mang Surdi bari tonggoy mengkong hurang."Yan,cokot lauk nu pang badagna!Alungkeun katukang" Mang Uyo nitah. Gep kana lauk, lung dialungkeun. Gujubayar. Rét. Kuring malik. Mata buncelik, teu bisa nyarita, ngan saukur nunjuk kanu bodas keur ngalétakan lauk.

NU ANYAR DATANG

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 10:32:30

Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut. Ngiringkeun Manéhna. Rupa –rupa polah jeung tujuan sewang-sewangan. Aya nu milu boga rasa kawajiban, aya ogé nu bungah ningali Manéhna miang, hamo bisa balik deui.

Kitu deui nu rék kadatangan, pating kuciwis silih harewos bari ngadelék kanu anyar datang.
“Dasar jelema jegud jeung boga pangkat, tepi ka ieu tempat masih kénéh, diabring-abring” ceuk nu saurang.
“Kuring mah baheula éstu beunang di itung kuramo, nu nganteurkeun téh” nu sisi gawir milu ngomong.
“Keun baé, da engké oge bakal sarua jeung urang, sanajan tempat Manehna nganjrek jauh beda jeung urang-urang” ceuk nu hadapaeun tangkal Samoja mairan.

“Angkat senjataaa….! tembaaakkk….!” Hiji sora mani melengking.
“Duaaarrr…..!” sora tembakan salvo, genep bedil bareng disada.
Tanda ngawilujengkeun, nu panungtungan.

Manéhna ukur ngabebengkang, diurugan taneuh beureum.

TIRILIK, GEJLIG!

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 10:13:01

Nyaan bageur popotongan téh, teu weléh ngutamakeun budak. Karék Saminggu puasa manéhna geus ngirim duit keur baju lebaran. Kamari dua poé deui ka peré sakola, Si Adé meredih meuli buku da saur ibu guruna bilih kabujeng séép. Geuwat nelepon ka Bapana. Isukna mikeun duit jang meuli buku bari semu ngarahuh, anak-anakna nu ti ditu mah cenah can dipangmeulikeun baju. Teu dipaliré ieuh. Cék pikir “Trus, gué harus bilang wow, gituh!”

Pasosoré kadéngé sora mobil, si Adé dianteurkeun ku Bapana.
“Mah, Ayah miwarang lebaran di ditu” Budak laporan. Teu dijawab. Ceg kana hapé, “Tong sok nitah budak lebaran didinya! Apan didinya geus loba anak. Ari urang, lamun si Adé ka dinya téh jadi sorangan. Ké mun urang geus kawin, sabataé!” tirilik sms dikirimkeun. Teu lila, tirilik “Iraha kitu badé nikah?” lemes, bet asa disungkun. “Lamun teu kawin waé mah, dagoan nepi ka urang paéh!” ambek kapegung, gejlig sms dikirimkeun deui.

RUMAOS

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 09:12:57

Antara percaya jeung henteu sabenerna ka pananyaan téh. Komo nu kasebut dukun. Indit sotéh pédah si Sobri keukeuh ménta dianteur nepungan Éyang Sibir. Hayang menjat hirup pokna téh. Éléh géléng. Belenyeng isuk kénéh geus ngabiur. Anjog ka hiji lembur teu hésé néangan da puguh si Éyang geus kawentar. Malah cenah kungsi nyalon Lurah ngan éléh ku Haji Panda. Bérés pancakaki béh dituna ‘curhat’ hal pamaksadan, ngobrol pindah ka goah. Rada muringkak. “Cik nempo dampal leungeun!” Ceuk si Eyang. Song si Sobri ngasongkeun leungeun. Uleng diteuteup seukeut naker. “Meunang ti mana boga isim?” Sobri bati olohok ceuk pikirna nyaho ti saha aing boga isim. Derekdek si Éyang ngawuruk daria naker. Panasaran. Tutas si Sobri kuring ngawanikeun ngasongkeun dampal leungeun. “Kayungyun Ujang mah,bageur, soleh, pinter.” Pokna. Meni rebéh irung dikitukeun . “Nuhun Éyang.....” Ceuk kuring. “Ngan hanjakal.” Gebeg....”Kumaha kitu Éyang?” Ngaharéwos kana puhu ceuli “Sok loba nyileuh mun nyieun fikmin...” Rumaos Éyang....

NÉANGAN

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 09:02:50

Haté dipesék, diturihan. Hésé, da puguh tara tuman muhassabah. Duh, ngarumasakeun. Aya nu ngagurinjal kasebit, getih ngaburial, peurih. Getihna ngaley sumarambah.
Kiwari waktu geus tompér, méh sareupna. Meresihan haté can wekasan, can beubeunangan.
Goréhel manggih batu hérang, gumenclang, sakolébat. Beuki hérang, kasorot munara cahya. Kokotor saeutik-saeutik nyingray. Bray, nu hérang beuki cahyaan, sérab. Panon kapeungpeunan. Malieus, teu kuat nahan silona. Taya tangan Pangawasa, teu walakaya.
Cipanon merebey, ngumbah getih nu ngalémbéréh tina pirang-pirang dosa.
Ukur bisa ngusap, tan katingal tapakna.
Gustiii, widian abdi ngusap kapeurih, nu nyangsang dina karijutna haté salila talangké.
Geuning, hidayah Gusti mung haté beresih nu tiasa nampi ! Ngageuri. Ngabongan-bongan sorangan.
Haté lir gelas kosong nu nangkub, dieusian taya iman anu napak. Peuting ieu, diri nyérénkeun. Nu ditéangan, ngan muru haté anu muka. Bati ceurik balilihan, hanjakal ku polah sorangan.
Gustii, mung ka Salira Gustii abdi tobat . . . .!*

KÉDANAN

Kénging Entong S Sulthoni
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 08:50:58

Saben dina. Mangan bli kaur am, turu bli kaur les. Kélingan baé karo Nok Dyah. Yén awan terus kewayang, yén bengi keimpi-impi. Ana bebasané, Indramayu kebanjiran, wong ayu dadi pikiran. Dudu kelingan ning ayuné, tapi demen kenang beciké. Senajan senok rada demés, tapi katon baé ning mata. Duh..! Noook..! Nok…!!

Mung baé ana alangan, calon mertua duwé tanjakan. Midangdam motor Éltuji, sing lawas wis ora jaman. Tékadéng ati, apa baé penjalukané, bli wurung tak ijabahi. Sing penting bisa kelakon. Delér mokas tak parani, kabéh calo tak dépéni.
Telung wulan wis keliwat, éltuji durung kecandak.

Dilalah, kersaning Allah. Kang Sarkawi, calo motor gawa éltuji, taun pitulima. Barangé cocog karo impén, regané bebrayan karo dompét. Zonder ditawar, langsung dibayar.

Pedal stater diseléngger. Muniné : “Bli gelem! Bli gelem! Gelem..gelem..gelem..!” Eltuji jadul laju ngidul, tinuju Kutaraja Galuh. Marani sing dadi gandulanéng ati.
Nok Dyah Ayu Citraresmi..! Enténana! sedélat maning kakang teka.

NÉANGAN

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 08:48:09

Haté dipesék ku, diturihan. Hésé, da puguh tara tuman muhassabah. Duh, ngarumasakeun. Aya nu ngagurinjal kasebit, getih ngaburial, peurih. Getihna ngaley sumarambah.
Kiwari waktu geus tompér, méh sareupna. Meresihan haté can wekasan, can beubeunangan.
Goréhel manggih batu hérang, gumenclang, sakolébat. Beuki hérang, kasorot munara cahya. Kokotor saeutik-saeutik nyingray. Bray, nu hérang beuki cahyaan, sérab. Panon kapeungpeunan. Malieus, teu kuat nahan silona. Taya tangan Pangawasa, teu walakaya.
Cipanon merebey, ngumbah getih nu ngalémbéréh tina pirang-pirang dosa.
Ukur bisa ngusap, tan katingal tapakna.
Gustiii, widian abdi ngusap kapeurih, nu nyangsang dina karijutna haté salila talangké.
Geuning, hidayah Gusti mung haté beresih nu tiasa nampi ! Ngageuri. Ngabongan-bongan sorangan.
Haté lir gelas kosong nu nangkub, dieusian taya iman anu napak. Peuting ieu, diri nyérénkeun. Nu ditéangan, ngan muru haté anu muka. Bati ceurik balilihan, hanjakal ku polah sorangan.
Gustii, mung ka Salira Gustii abdi tobat . . . .!*

SEKAR KAHÉMAN 5

Kénging Anda Suwanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 08:37:59

“Alhamdulillah Gustiiiiii… Emh geulis, urang kabiruyungan, bakal gaduh putra.. Aka bakal jadi saurang bapa…” Celengok dicium kebek ku kareueus. Kertas diiwir-iwir, dibaca, didangdak-déngdék dirungrum kabungah. Rét ka nu diajak cumarita, jadi hareugeueun.
“Ku naon siga taya kabungah? Aka mah teu sirikna hayang ngawawarkeun ka sapangeusi jagat… na ari Enéng bet asa ku anéh?” gogodeg.
“Karunya ka budakna, bisi diapilainkeun, bisi teu dipikanyaah. Geuning ka indungna ogé duka dinomer sabarahakeun boa…?”
“Saha nu teu nyaah… piraku ka pamajikan nepi ka kitu? Ih ari nanaon téh sok kamana karep… Jeung asana…” Teu kebat nuluykeun omongan, biwir kaburu dipendet ku curukna.
“Ssssttt… Aka sing émut kana jangji urang duaan ka Si Tétéh. Abdi tos ngahanca alas anjeunna …” Aya nu ngeyembeng dina kongkolak panonnana. Kajudi tur kaharti sapisan. Manéhna inget ka nu jadi maruna.***

DUKA SAHA

Kénging Adah Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 08:18:43

Tah euy geus peledek. Geus aya kana tilu kalina. “Silaing hitut, Jis?” Si Tatang neumbleuhkeun ka si Ajis. “Teuing bebel, aingah teu hitut.” Si Ajis jamedud. “Silaing meureun, Déd?” “Teuing urang gé henteu.” Bél jam istirahat kadéngé hawar-hawar. “Pa, di kelas aya waé bau hitut, tapi taya nu ngaku.”Vina, ka ém kelas dalapan cé bébéja ka Pa Anwar wali kelasna. “Tos aya tilu kali mah, Pa.” Vina nandeskeun. Pa Anwar ukur seuri. Uteukna mikir kumaha ngakalanana. “Barudak, tadi pa Kepala amanat ka bapa. Cenah nu hitut can mayar artos perpisahan.” “Na da anos, ma.” Sorana ngirung. Pangeusi kelas silih rérét, néang tina biwir saha éta sora kaluarna. Kabéh kerung. Bulu punduk rada cengkat. Rohangan simpé taya nu soara. Tinggal renghap nu pinuh ku panasaran kadéngé ngahégak. Ti jero rohangan gudang laboratorium aya sora nu ngabangingik kanyenyerian.

BALIK SAKOLA II

Kénging Aji Nurhamzah
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 08:03:11

Angin beurang ningker areuy pangbalikan. Késang nyurucud. Bongan, poé nongtoréng. Jalan raya sahéng ku nu balik dines jeung sakola. Motor jeung mobil seselendepan. Leumpang mipir-mipir pasir. Saban léngkah katempo és kalapa anu nyalukan, céndol Bandung ngaléléwé, komo és campur ngadodoho baé. "Beu, ngeunah sigana téh. Hanjakal duit kari sarébu," Dayat neureuy ciduh. "És kemong, és kemong," tukang és kemong celekeung beulah kéncaeun jalan. Dayat muka dompétna. "Mang, mésér és kemong," song duit sarébu. Tidid.. tidid... tidid.... Sora klakson motor ti kajauhan. Blug. Dayat rubuh. Juuh cipanon sabudeureunna.

WÉB FBS

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 07:03:56

Sok poho kana waktu mun kuring di dieu téh. Rék noongan, rék lar-sup ti rohangan ka rohangan, laluasa. Moal ngaganggu. Moal diganggu. Rék sakeudeung, rék lila, moal aya nu opénan. Sup kuring asup ka salah sahiji rohangan nu pinuh ku béntang baranang. Jongjon. Euweuh nu nyunyurung. Euweuh nu seseledek. Aya ku éndah rohangan téh. Béntangna gugurilapan, herang méncrang. Matak betah nu nyawang. Matak pogot nu ningali. Pamajikan kukulutus, teu diwaro. Budak ceurik teu didéngé. Teu karasa, jempol anakan. Anakna anakan deui. Pamajikan jeung budak ngajerit ningali awak kuring pinuh ku jempol.

DAKI

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 06:28:48

"Sujang, balikeun deui ka madrasah." Ma Oneh ka incuna.
"Naha kedah dipulankeun deui Nin? Matak dibagikkeun oge urang boga hak. Enin tos sepuh tur walurat, uing oge apan pahatu lalis." Rada kerung incuna nanya.
"Sateubogana Enin jeung maneh, beas sacangkir mah aya. Oge keur naon dipenta tur dikumpulkeun ari deuk dibagikeun deui mah. Katambah saur ajengan oge eta teh sabenerna daki nu baris ngaberesihan diri tur harta urang."
"Naha geuning Nin pami leres daki, itu Pa Sobari, Kang Warta, Kang Entis, jeung nu sejenna, tadi ku uing katempo di madrasah marisahkeun ampir sakarung sewang?"
"Malah Ceu Ijoh, Ceu Mala, Bi Titi narungguan nu ngabagi dina golodog. Apanan taun kamari uing inget keneh Ceu Isah tukang sayur di pasar nepika awong-awongan sab kaliwat teu kabere."

NU ILANG MANGSA LEBARAN

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 06:10:23

Dugdulugdugdag…. Sora bedug handaruan. Sedeng takbir ti munara-munara awor di marcapada, mapaes peuting nu kulawu. Tilu mangsa éta sora-sora nu raéng nyasakan simpé.

Hayang ambek ka diri sorangan. Tapi nu kalarung lain hal nu kudu diceungceurikan kiwari ngan saukur nedunan tanggung jawab. Ni’matna ngan saukur memenitan, wawalesna lima taun dina sarigsig beusi.

Sanggeus shalat ied, lengo deui-lengo deui. Susuganan maranéhna datang. Hayang nyuuh kana pangkonan apa, hayang ceurik dina lahunan ambu. Hayang nyacapkeun kasono dibarung ménta panghampura, tina diri nu pinuh katuna sanajan ukur dina telepon, hanjakal taya pasilitasna.

Pabeubeurang kang Hendra datang, tapi aya nu aleum dina pameunteuna.
”Téh,” ngan éta nu kedal laju ngagabrug bari ngagugkuk. Lalaunan nyaritakeun sagalana.
”Apa, ambu mugi agung nya paralun, neda jembar panghampura, ti abdi nu tacan mampuh bebela ka kulawarga. ”
Hareupeun tetengger jeung taneuh nu masih beureum, kuring wakca. ***

JAM HIJI BEURANG

Kénging Dado Tisna
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 05:04:44

“Naha asa raramé kieu kang?” Ceuk Nyi Éndoy ka Salakina. “Teuing Akang gé teu apal.” Walon Jang Sapta bari samutut. “Tuh Kang aya sora sirineu sagala.” Nyi Éndoy nyumput kolongeun meja. “Geus keun baé. Sok éta beakeun bisi kaburu beukah!” Najan samutut gé Jang Sapta masih kénéh bisa nyentak pamajikanna.
“Allohuakbar! Allohuakbar!” Sora nu ngagorowok ti béh luar.
“Ancurkeun ieu warung sesat! Ancurkeun! Geus wani-wani siah muka! Ngaganggu kaimanan umat Islam nu keur puasa! Allohuakbar! Ancurkeun!” Ceuk Saurang nu maké toa.
“Tuman! Najan ditutupan spanduk gé, angger wé sia geus ngaganggu! Euweuh toléransi kanu keur puasa! Allohuakbar!” Baladna nu ieu mah teu maké toa ngagorowokna, sorana gé rada peura.
Warung sangu ancur diburak-barik ku jelema-jelema anu maraké sorban, anu ‘ngaku’ ngadegkeun syaré’at Islam.
Nyi Éndoy ukur bisa ceurik, nyumput dina tangkeupan salakina. Tuluy Nyi Éndoy ngaharéwos ka Jang Sapta, “Kang pan urang téh Kristen, teu meunang kitu urang dahar?”.

DEMAM PASIDANGAN

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 04:47:01

Téh Dolis anjog ka Pangadilan Agama. Calon randa jeung calon duda pabuis di ruang tunggu. Jaramedud. Budi, klién Téh Dolis ngagupayan. Nyampeurkeun.
“Dua urang pameget nu calik di payuneun, pengacara-pengacarana Ijem. Anu gendut kantos ka bumi nyungkeun artos.” Budi ngaharéwos. Téh Dolis ngarérét. Pengacara ti luar kota. Teu wawuh. Nu diomongkeun nyampeurkeun, lain rék ngajak sasalaman, ilaharna lamun papanggih batur saprofési, kalah sindir sampir ka Budi. Jiga lain kalakuan pengacara, Téh Dolis ngagerentes.

Majelis hakim mariksa kartu tanda pengenal advokat. Ceuleungkeung téh pengacara anu jangkung badag interupsi, ménta majelis hakim mariksa berita acara sumpah pengacara, bari manéhna ngasongkeun ka majelis hakim berita acara nu manéhna. Terus disodorkeun ka Téh Dolis. Diilo. Karék sataun jadi pengacara. Téh Dolis imut. Majelis hakim nolak usulan, sab mana geus boga kartu tanda pengenal advokat, hartina geus disumpah.

Palu diketok. Téh Dolis nyampeurkeun méja pengacara lawan. “Kakara sidang nya?”

SAHUR

Kénging Latif Saéful Islam
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 04:37:21

Nu kapapancénan ngahudangkeun sahur janari poé ieu, giliran Prabu Yudistira. "Jug, geura nguriling!" ceuk ketua DKM. Jam opat kurang sapuluh menit, Prabu Yudistira geus mulang deui ka Masjid pikeun laporan ka ketua DKM. Méh rada beurang, kabéjakeun warga salelembur loba nu kabeurangan sahur. Poé isukna bagéan Arya Bima. Ngan lima menit. Geus mulang deui. "Sakeudeung teuing?" ceuk ketua DKM. Isuk-isukna kapireng sora sirineu mobil ambulan. Paéntép-éntép hareupeun Masjid. "Aya naon ieu?" ceuk ketua DKM. Panasaran. "Saurna para warga seueur nu badé dicandak ka UGD, Pa Kiai," walon Mang Ujah. Marebot. "Geuning bisa babarengan kitu?" "Nu mawi, tadi waktos sahur seueur anu ragrag jajantungna."

PASEA

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 04:08:47

Geus ampir 3 poé tah saré patonggong-tonggongna gé alatan poho kana poéan ulang taun pamajikanana. Ayeuna Enjum bati kumecrot wé nempo pamajikanana sapopoéna maké baju nu mararini waé, katambah-tambah isuk subuhna rék mangkat tugas ka luar nagri nu lumayan lila. Na jero pikirna, Piraku waé atuh nepi ka teu dibekelan mah ku pamajikanana. Kahayang nyedek géngsi midek, teu kurang akal manéhna nyieun surat nu unina : Hudangkeun tengah peuting uing rék ménta bekel, bisi di tempat tugas isukan ngelay ku awéwé séjén.
Isukna Enjum hudang ngarérét kana jam, geus jam 10 beurang. Terus nempo ka pamajikanana nu ngageubra kénéh. Na lebah dadana aya keretas nu ditulisan, Tah geus bulucun tinggal unggah baé !.

PEURAH

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 03:38:51

Haté jumerit. Mangpuluh taun katukang. Cimata geus saat. Belasan taun kaliwat. Kudu kumaha aing téh? Awak ngagoak. Ngagarapak. Kabéh geus dilakonan. Ngabeledagkeun sirah. Ngaragragkeun manéh ka jungkrang. Neuleumkeun raga. Tapi angger bangbaluh ngagunung dina embun-embunan. Kokoréh ngorowotan mamaras. Tibra dina jajantung. "Aing geus teu kuaaat...!" Awak ngocéak deui. Maratan langit. Tapi manéhna angger di dinya. Ngéngklak bari terus ngabanjuran Awak ku ciuyah. "Peuriiiihhh...!" Awak ngajerit deui. Manéhna nyakakak. Ngaluarkeun peurah tina sungutna. Wuss! Disebrotkeun kana beungeut. Ngahéab. Awak ngagarapak. Manéhna beuki buringas. Kaluar tanduk kaluar sihung. Gajleng. Awak luncat. Miheulaan. Ngerekeb manéhna.

BAKAKAK

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 02:57:47

"Aa isin, Mamaaah!"
Gustiii! Tos pok deui waè jimat mamah. Hatè ngarakacak. Sabar, kasèp. Kabayangkeun ku mamah ogè, isin temen diparoyokan, dièra-èra. Mamah sanès alim nutupan kawirang hidep. Nanging kedah kumaha? Hawatos ka bapa. Teu acan gaduheun bèaya. Sing percanten, bapa pasti nedunan pamundut hidep.

"Mah, Mah, gugah! Urang tahajud!"
Ku katawekalan jeung kaleketan nu jadi salaki, tanggung jawab , nyaah ka kulawarga, jujur, can pernah nyocèng ladang buburuh, kajeun lapar dirina batan kulawarga pupurilitan, ngalantarankeun kuring kedal ucap, najan tukang buburuh macul, moal rèk baha. Komo mènta diserahkeun kawas baheula. Leuwih hadè paèh kalaparan.

Pisabulaneun kana ujian, sareupna, di kamar mandi tukangeun kontrakan, Si Aa jejeritan,
"Peuriiih, aduuuh, Mamaaah, peuriiih!"
Kuring katut salaki gancang ngariksakeun. Subhanalloooh! Si Aa aya nu nyunatan!
Rob nu ngaralongok. Nyarecep. Kalèng urut biskuit metet. Bapana hariweusweus. Teuing rèk kamana. Les. Lila pisan. Balik-balik mawa bakakak. Peutingna, Si Aa cacamuilan, ngadahar bakakak meunang nganjuk.

DUIT RASKIN

Kénging Mang Dadan Dania
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 02:38:33

“Pangaosna 1600 rupia sakilo, jatah sa-RTS 20 kilo, ditambih waragad administrasi kalih distribusi, total ka désa mayar 35 rébu.” Ketua RW ngajelaskeun ka jama’ah
“Murah atuh.”
“Tapi ampir unggal aya raskin, masarakat nuju teu nyampak artosna. RW tos teu sanggem nalangan kalan-kalan nombokan.”
“Sabaraha keluarga jumlah Rumah Tangga Sasaran?”
“Anu dipairan aya 62 umpi.”
“Urus ku Remaja, mayar ka désa, réréongan unggal minggu!”
“Sapuk! ti Pangajian Pangsiunan iuran 150.000,-” Saur Camat hormat.
“Pangajian Ibu-ibu 150.000,-” Bu RT nyambung
“Pengajian Remaja 100.000,-” Ceuk Ketua RISMA
“Kéncléng Juma’ah 50.000,-“
“Kurang kénéh atuh!”
“Ditombokan ku DKM”
Ti mimiti April raskin dikokolakeun ku Remaja Masjid. Barudak unggal bulan nganteurkeun jatah raskin ka panganjrekan RTS. Masarakat nyicil unggal poé sakadugana ku cara ngeusian Kéncléng Raskin. Unggal akhir bulan dibuka, eusina pinuh ku récéh 500 – 2000. April aya 1.842.000,-; Méi 2.388.000,-; Juni 2.471.000,- Juli 1.984.000,-
“Apan mayar raskin geus rereongan, Ieu duit kudu dikamanakeun?”

BAKAKAK

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 02:36:02

"Aa isin, Mamaaah!"
Gustiii! Tos pok deui waè jimat mamah. Hatè beuki ngarakacak. Sabar nya, kasèp. Kabayangkeun ku mamah ogè, isin temen diparoyokan. Dièra-èra. Mamah sanès alim nutupan kawirang hidep. Nanging kedah kumaha atuh? Mamah hawatos ka bapa. Teu acan gaduheun kanggo bèayana. Upami ku mamah ditaroskeun, bapa sok teras tungkul. Bangun poèkeun. Sing percanten, bapa pasti nedunan pamundut hidep.

"Mah, Mah, gugah! Urang tahajud!"
Ku katawekalan jeung kaleketan nu jadi salaki, tanggung jawab tur nyaah ka kulawarga, jujur, can pernah nyocèng ladang buburuh, kajeun lapar dirina batan kulawarga pupurilitan, ngalantarankeun kuring kedal ucap, najan tukang buburuh macul, kuring moal rèk baha. Komo mènta diserahkeun kawas baheula. Leuwih hadè paèh kalaparan.

Pisabulaneun kana ujian, sareupna, di kamar mandi tukangeun kontrakan, Si Aa jejeritan, "Peuriiih, aduuuh, Mamaaah, peuriiih!"
Kuring katut salaki gancang ngariksakeun. Subhanalloooh! Si Aa aya nu nyunatan!

Rob nu ngaralongok. Nyarecep. Kalèng biskuit nu ditunda di sagèdèngeunnana metet. Bapana hariweusweus. Teuing rèk kamana. Les. Lila pisan. Balik-balik mawa bakakak.
Peutingna, Si Aa cacamuilan, ngadahar bakakak meunang nganjuk.

KURING

Kénging Mi'raj Dodi Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 02:03:44

Mang Barna bungah kacida. Ahirna, saeunggeus sapuluh taun lilana ngawangun rumah tangga jeung Bi Ijem, inyana boga budak, lalaki. Nalika Bi Ijem rék ngalahirkeun, Mang Barna nungkulan. Gubrag budak téh lahir. Ngong Mang Barna azan tuluy komat deukeut ceuli orok.

Éstu teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan, basa cunduk waktuna, gutret Mang Barna méré ngaran Kuring basa patugas tukang nyieun akte lahir nanyakeun ngaran budakna. Sok sanajan loba nu hémeng jeung nanyakeun maksudna, Mang Barna tetep betem.

Kuring geus sakola, malah jadi siswa teladan. Beungeutna nyeplés pisan Mang Barna: irung demés, sungutna rada maju. Ku kituna, Kuring mindeng dipoyokan. Ngan, coba teuleuman. Eusi poyokan éta bisa dihartikeun ngarah ka Kuring, tapi bisa ogé ka kuring anu nyebutanna. Misalna, mangga dadangukeun mun misalna aya anu nyebutan kieu: “Kuring goréng patut!”, “Beungeut Kuring jiga bémo!”, “Irung Kuring sagedé éhél!”, “Sungut Kuring siga bémper!”. “Éta pisan maksud Bapa téh, Jang” gerentes Mang Barna.

JIGANA MAH AYEUNA!

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 00:24:54

Mujasmédi. Mantengkeun ati. Mancegkeun niat. Lilahi ta’ala. Seja ngintip wanci. Niténan mangsa. Sugan aya kelemengna. Dirondaan unggal beurang. Dikemitan saban peuting. Lebeng. Tuna ilapat. Ceuk béja di sapertilu tungtungna. “Ah tanda wuruh. Saha nu nyaho di awal!” Ngabeberah. “Boa-boa di tengahna!” Haté mairan némpas. Liwung. Tuluy nyaliksik eusining daluang. Nyiar luang. Saha nu nyaho aya pituduh. Nyata! Kabéhanana gé ukur maparah. Rarampa. Susuganan jeung boa-boa. Taya nu wani nandeskeun poé P-na. Ngelemeng. Rusiah.

Leungeun ranggah. Ngadunga. Neneda iber. Mata batin nembus lalangit. Bréh katingali nu ngabelegbeg. Ditalikung. Nyenghél nyeungseurikeun. “Niatna béngkok euy!” Cenah. Ta’awudz. Ngusap beungeut. Jep ngararasakeun ditangkeup simpé. Rumasa nyaliara kana mamaras rasa. Patingsariak. Bray nu midang tandang makalangan. Murub mubyar. Ngempur. Éndah malih warna. Bagja kabiruyungan tepang jeung Purnama séwu nu dipidangdam. Najan manéhna ngabalieur teu méré semu. Mabal jalan ka tukangeun méga peteng. Kuring teu ragu. Bru nyuuh sumujud, “Gustiiii! ukur Salira nu dituju!”

URUT JÉGER

Kénging Alex Hasan Sapari
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 00:23:49

Euweuh nu teu apal ka Aki Juhdi mah, urut jéger Kebon Kalapa. Jalma sangar sahaok kadua gaplok. Teu neurak ku pakarang, moal tiwas ku timah panas. Pait daging pahang tulang, panyakit teu daék nyayang. Geus lila Aki Juhdi ninggalkeun kajahiliahan, babalik pikir. Ayeuna manehna geus jadi ahli dikir. Pangsiun tina ngajéger, teu matak ngaleungitkeun komarana. Malah tambah-tambah sabab geus jadi ahli ibadah. Aya bedana Aki Juhdi baheula jeung ayeuna. Sanajan kawedukan jeung élmu séjénna teu sirna, tapi panyakit jadi sok remen ngalongok. Kawas ayeuna, geus saminggu manehna gering, duka naon panyakitna? Ku hayoh diolo ku incuna, Aki Juhdi daék dibawa tatamba ka Puskesmas Désa. " Ah, Si Aki mah sok ngaheureuyan," ceuk Mantri Atma bari nyéréngéh. " Heureuy naon, Jang Mantri?" Aki Juhdi teu ngarti, ngan tuluy nyéréngéh basa ningali Mantri Atma ngacungkeun suntikan anu jarumna miley.

ULAH KAPALANG

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Juli 2013 00:08:55

Pa Fahmi , Bu Karsih kalih tilu putrana kalebet kulawarga aya. Dina Romadon, sakulawarga biasa saur buka bareng. Katuangeun ceuyah . Poé ka salikur mah béda. Saur, Bu Karsih ukur nyayogikeun goréng témpé lima keureut, asin sepat dua, sangu dipas. Pa Fahmi nanya na jero haté. “Naha pamajikan téh bet ngirit-ngirit teuing?’ Najan poé éta lapar puasa karasa nyelekit pisan, puasana teu burung taramat.
Datang waktu buka. Leuwih parah. Bu Karsih ukur nyayogikeun cihérang, sangu duaneun dibagi lima, deungeunna dua asin sepat sésa saur nu geus karancang. Bada sarolat. Di méja makan. “Mah, naha kirang artos balanja? Karunya barudak. Keun wé Bapa mah.” Pa Fahmi ngahelas. “Pa, barudak, dangukeun. Dina Romadon ieu, Mamah hayang urang leuwih ngarasakeun kumaha susahna jadi jalmi miskin. Dinten-dinten sateuacanna urang nembé ngaraoskeun laparna. Bari jeung tetep ageung harepan. Buka saur mah tos kabayang sagala aya.” Bu Karsih nyariosna cumalimba.