Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Juli 2013 (38 Naskah)


NGALUGAY LINGGA LEBAH LEMAH ANGAR

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 23:53:04

Adirata neuteup uwung awang, bari ngaréka rasa, ngagaris-garis lalangit diri, ngajadi mangpétak-pétak rengat nu diteuteup ku nu janten garwa, teuteup nu sumirat cahya nu mancawura ka lebah warna-warni katumbiri.

Dina ciptaan Adirata, nu janten garwa ngadeg dina lengkungna katumbiri, nadah pras-prisna girimis nu ngeclak tina kongkolak socana, baseuh sakujur raga, gumeter jiwa dina ungkara doa-doa ka Hyang Wisésa, sumerah pasrah kana nasibna.

Nya dina rengat lalangit diri nu pinuh supata, Adirata hayang mulas rasa nu janten garwa nu ngarep-ngarep gumelarna utun inji. Tapi dalah dikumaha, bongan angin nu ngalalar saukur ngeclakeun hambar, ngalugayna lingga lir ngeclakeun tirta na lemah angar.

Lelembutannana kumacacang ka lebah samar-samar bari kedal ungkara dina sora peura, ngagerendeng dina wirahma lara, “Duh …. Naha diri bet misono limut nu ngagelarkeun jabang bayi di rohangan nu anggang….”

CIMATA MATA CAI

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 23:07:42

Ditéangan di jero kapé Euis bet suwung, dilongokan ka pangkéngna sarua kosong. Asa béda ti sasari, lebah lawang manéhna sok ngabagéakeun datangna kuring ku dilak jeung imutna, tapi ayeuna?
Gék diuk dina korsi, kurunyung Déwi mawa sagelas wiski, nyéh imut, terus ngaharéwos.
"Diantosan di basisir!" pokna bari nyiwit.
Euis anteng, neuteup tingsurungkuyna lambak nu silih udag muru basisir, meupeus, terus léah mupusan tapak kayakas, ngarérét sakeudeung, aya nu ngagéndang juru panona.
"Naha tiasa gusti nampi tobatna jalmi sapertos Euis, awéwé nu ngan saukur ngajadi mata cai, nu wungkul ngajadi pangreureuhan saliwat unggal haté lalaki, ngémpéhkeun hanaangna, meruhkeun gedur nafsuna." Sora Euis awor jeung séahna angin basisir Pangandaran, teuteupna jauh neuleuman mongkléng, peuting nu agréng.
Aya nu nyulusup kana jero dada, tiis, peurih, nyiksa rumasa.

Pamugaran, '03
http://m.facebook.com

NGOBROL

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 22:49:38

Dada : Ed, urang nyewa mobil yu, ngarental weh
Edi : kamana?
Dada : Enya ka KPK tea
Edi : Oh..hayu, sabaraha nya ngarental mobil teh
Dada : lah...moal beak 200 juta atuh
Edi : hayu atuh, bari piknik nya
Dada :Enya.da engke ge kadieu deui atuh, ka suka miskin
Edi : siaplah....aeh ari duitna ti
Dada : lain aya keneh nu kamari?

TEU PERLU HATÉ

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 21:57:32

Di juru café. Maturan kuring kawas sasari, teu bina ti waktu-waktu bihari. Teuing sabaraha taun kalarung kuring jeung anjeun diuk hareupeun ieu méja, nginum cai nu sarua. Harita anjeun jeung kuring mekel haté nu kotor. Dikumbah ku cai anggur. Haté dianclomkeun. Kuring kumétap. Anjeun surti. “Kanggo engkang,” humaréwos. “Upami pasualan di rorompok tos réngsé!” Anjeun sibeungeut ku cai anggur. Ngulisik. Leungeun kuring lalaunan dipindahkeun. Ti peuting ka peuting. Tihang taun geus loba nu kaliwatan. Anjeun ngahiyang. Kuring gigisik. Gap kana dada asa aya nu euweuh. “Haté kuring kabawa ku anjeun,” jajantung leungiteun ketugna. Gigireun dipan luhur méja, gelas cai anggur nu tinggal saregot nindihan keretas sacewir. Ngaran anjeun. Haté kuring? Cai anggur, saterusna. Dipaké ngumbah getih nu rembes tina dada. Unggal waktu. Unggal inget ka anjeun. Unggal ngaragap haté nu euweuh dina tempatna. Hiji mangsa. “Ieu nu kantos kabantun,” rorongkong anjeun ngasongkeun haté. Kuring lumenyap. “Teu perlu haté?” sarua rorongkong.

RAMPAK RASA

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 21:42:18

Unggal wirahma mucuk dina sora nu ngesetan jagad sukma, ngaharewos dina daun ceuli.
"Nung.! Hayu urang ngibing maratkeun peuting" Ceuk manéhna bari ngajéwang leungeun awéwé nu keur tibra nguntun lamunan.
"Mangga, Kang" Walonna ririh bari nyepeng pageuh raramo asih nu kari sesana.
Lagu pundung nu ngagalura dina dadana ayeuna nyacapkeun jeritna, maturan kesang dina taar tanding caah.
"Hatur nuhun, jungjunan" Ceuk manéhna, bari ngelapan sésa-sésa kahayang hareupeun awéwé nu neuteup logak kahirupan.

KARÉTNA TILU

Kénging Encep Muhammad Ayyash
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 21:11:37

Ceu Mimin randa ngora sampulur, sapopoéna dagang karédok. Karédokna geus sohor kalandep para pejabat. Ti mimiti lurah tepika anggota déwan. Lurah Ayut harita nampa jatah raskin keur dibagikeun ka wargana. Légég, lurah Ayut neraktir. “Ding, meuli karédok euy, ka Ceu Mimin, seger siganamah wayah kieu !” Pokna. “Mangga pa” Ceuk Bah Diding, hansip nu sapopoé tunggu di kantor kadés.
Cling, Bah Diding indit tumpak motor pelat beureum. “Ceu, lima bungkus karédokna. “Nu pa Lurah mah sing seueur cikurna, rada amisan!” mangga Bah. Ceu Mimin ngawalon bari tonggoy ngaréndos.
Jol, Bah Diding, mawa karédok dina kérésék. “Pa, ieu nu Bapa nu karétnya tilu.” Bah Diding ngasongkeun pincuk karédok. Lurah kerung.
Kirawanci sariak layung. Lurah Ayut datang ka imah Ceu Mimin. “ Ceu, naha karédok téh karétna tilu, pan dua biasanya gé ?.“Ih, ari bapa, pan désa tos kénging raskin sanés?!” pokan bari ngadilak. Bruk! Panto ditutup.

PANGSIUN

Kénging Sandi Asli Sunda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 20:56:43

"Kuring rék pangsiun. Loba teuing nu paraséa teu paruguh", ceuk TV. Radio, koran jeung majalah ngahuleng.

NELEPON

Kénging Hanafi Zulham Effendi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 20:36:11

“Mah, cik kadieu heula papah bade nelepon” cek mang Surma rada tarik nyalukan Bi Éméh nu keur babantu masak di imah tatanggana nu rék hajatan. “Euweuh sinyal” tembal Bi Emeh bari kuraweud hangseur. “Nya kajeun ari euweuh sinyal mah, papah rek nelepon di luar atuh nya?” cek mang Surma kawas nu rada ambek. Bi Éméh ngoréjat bari tulak cangkéng nyarékan salakina “Seug mun bapa sia rék nelepon di luar mah, ngan ulah nyalahkeun mun aing muka wartél.”

WENGI SALASA KAMARI

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 19:49:57

Mama Ajengan Suhro keur ngalinting bako cap Panékér kameumeutna. Karék gé rék diseungeut, kadéngé aya nu keketrok.
"Nyi Haji...cing pangnéangkeun. Saha nu ngetrok panto téh!" Teu lila nu dititah geus asup deui ku rohang tengah. "Tamu, Mama. Saurna ti peuntas."
Léos Mama ka tepas. Aya lalaki umur 50 taunan.
"Linggih, ménak!" nu namu teu talangké diuk dina korsi. Pahareup-hareup jeung pribumi nu diuk leuwih tiheula.
"Aya pikersaeun naon, salira téh. Saurna tebih?"
Nu ditanya teu waka ngajawab. Ngarérét heula kana lawang nu ka rohang tengah.
"Numawi, Mama. Abdi dongkap ka dieu téh, kajurung ku panejaan nu tos lami teu acan aya waé waleranana. Saatos tujuh taun dikantun ku pun bojo. Asa aya nu kosong, Mama."
Belenyéh pribumi seuri.
Nu namu bari rada tungkul nyarita deui, "Abdi mah sawios bade kanu tos pangalaman atanapi kanu gréss ogé. Nu peryogi mah tiasa akur sareng pun anak."
Gutrut Mama Ajengan nulis.
"Saum Tujuh dinten. Aos ieu du'a 313 uihan. Réngsé saum. Mésér lauk emas nu belang sapi. Palidkeun kana wahangan."

TATAMBA

Kénging Fredy AS
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 19:14:02

Mani teu beunang diélingan éta Jang Sadun. Sering pisan “jajan” di lokalisasi. Ayeuna karasa akibatna. Manéhna katerap panyakit sipilis. Tiap dokter nu didatangan, kabéh nyarankeun sangkan bobogaanana kudu diteukteuk. Manéhna teu mikeun ari kudu diteukteuk mah. Nya ahirna tatamba ka sinse kawéntar di nagri Cina. "Sigana panyakitna beurat pangna datang jauh-jauh ka owéh?” tanya sinse. "Kuring téh katerap panyakit gawat. Sakabéh dokter nu didatangan keukeuh nyarankeun bobogaan kuring kudu diteukteuk" walon Jang Sadun dumareuda. "Cing owéh nempo heula!" ceuk sinse. Sanggeus nempo bobogaan Jang Sadun, sinse langsung gogodeg bari ngagerendeng. "Teu bener dokter téh, bisana ngan saukur maén tuktak teukteuk waé." Tada teuing bungahna Jang Sadun ngadéngé omongan tabib. "Syukur Gustiiiii lamun kitu mah!" ceuk Jang Sadun bari langsung ngarangkul tabib. "Ceuk owéh mah, bobogaan anjeun teu perlu diteukteuk, da engké ogé bakal murag sorangan!" Jang Sadun langsung calangap. Bakat ku reuwas, bobogaanana ngepluk murag.

MЀNBAL

Kénging Mang Dadan Dania
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 18:25:32

“Pa ieu rapot Adѐ” ceuk budak bari ngagolѐrkeun rapot dina meja gigireun notebook. Kuring ngarongkong rѐk ningalian peunteunna bari rek mere komentar. Tapi budak teh karah ngaleos kaluar ti kamar. Di tengah imah kadѐngѐ aya barudak ting gerendeng. Teu pati jelas naon anu diobrolkeun, ngan si Adѐ kareungeu ngajak ka babaturanana “Urang mѐnbal yu” cenah. “hayu hayu” kadѐngѐ babaturanana mairan. Kalacat barudak anu karѐk nampa rapot tѐh naraѐk ka lotѐng.
Asalna teu pati opѐnan ka barudak anu naraѐk ka lotѐng tѐh, “keur nyarokot kostim jeung bal” gerentes hatѐ. Tapi sabada saparapat jam teu turun-turun hatѐ jadi panasaran, naha anu rѐk mѐnbal tѐh bet baretah di lotѐng. Kuring nutupkeun rapot terus nѐtѐ hambalan naѐk ka lotѐng. Paingan teu tarurun deui, singhorѐng barudak mѐnbalna make jempol lain ku suku.

WENGI SANÉS

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 16:33:46

Pangaosan ngadadak ger, waktos jang Udin santri anu kawéntar cunihin, ngomén ka ajengan :”Mama, upami baranggawé dina wengi juma’ah disebat sunnah, atuh dina wengi sanésna mah panginten.... wajib”.

DISANGKA

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 16:12:00

Tara ti sasari, Mumun, tatangga anu sok nyeuseuh jeung ngaléot baju, waktu pasanggrok di dapur, manéhna jiga anu reuwas. Paadu teuteup, jiga sieun deuih. Teu opénan. Paling-paling paséa deui jeung Si Dodo, salakina, gerentes téh. Salila baranggawé, teu kecét-kecét, padahal biasana galécok. Palangsiang geus teu bogaeun béas, kuring ngira-ngira. Geus bérés, pamitan bari tungkul.
“Tuh bawa béas dina kérésék, deukeut rak!” Cekéng téh.
“Ah wios, Bu. Hatur nuhun.”
“Masih boga béas, kitu?”
“Henteu.”
“Naha, atuh?”
“Ah henteu. Upami abdi badé tumaros ka Ibu, kinten-kintenna Ibu moal bendu?”
“ Moal. Rék nanya naon?”
“Kieu, Bu. Kamari kapanan Ibu miwarang nyeuseuhan dua raksukan anu hideung. Ageung pisan geuning.” Luk tungkul.
“Enya. Naha?”
“Punten pisan, kumawantun. Naha éta téh raksukan kanggo nyegik?”
“Astaghfirullah, Mumun...! Éta téh toga ngaranna, paranti Ibu jeung Bapa sidang.” Kuring keuheul, tapi seuri ogé.

AWÉWÉ BIWIR BURAHAY

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 15:53:51

Panggih jeung manéhna basa ditawaran ku babaturan asup ka lokalisasi. Kaasup lungguh teu séséléndéran teuing. Kadang katingali teuteupna semu kosong. Anyaran asup ka nu kitu, haté teu méréan. Tungtungna ukur mawa ngomong. Kataji ku lalakonna, jadi mindeng panggih di luar lokalisasi. Tina karunya jadi nyaah. “Win, ayeuna mah kieu wé, Akang rék ngalamar, kersa?” Winda ngeclakeun cimata. Unggeuk lalaunan, nyuuh dina lahunan.

“Ma, neda widi kanggo ngalamar Winda. Ema ngarénghap panjang naker, semu seuseut eungap. Ema apal pisan, kumaha kasang tukang Winda. “Moal nyarék hidep, rék nuluy ka balé nyungcung jeung Winda. Kira-kira ti mana hidep jang ngipayahan Winda katut tilu anakna?”

Teu nyangka ku waleran Ema. Ngahuleng. Enya kuring téh kuliah kénéh. Capé-capé Ema nyakolakeun kieu tungtungna. Hayang ngajait Winda, bari teu metu.

Ras inget, aya babaturan di luar nagri, hayang boga jodo urang dieu. Kasang tukang moal jadi masalah. Ditepungkeun. Ahirna Winda diboyong ku salakina.

MEUNANG AKAL

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 15:49:21

“Pa, Pa aya ucing garong ngincer urang.” Salah saurang anak beurit lapor ka bapana. “Gancang nyarumput ka ditu jeung indung manéh. Tong nyarora.” Bapana paparéntah. “Keun ucing kitu mah ku Bapa urang warah.” Beurit bapana ngomong deui bari leumpang nuju lawang imahna. Daweung, ludeung.
Sabot ucing tuang-toong, jol jegug-jegug wéh aya sora anjing handaruan naker. Ucing reuwas, lumpat sakalumpat-lampét notog-notogkeun manéh. “Kalaluar. Aman ayeuna mah. Geus nyingkah si Garongna ogé.” Beurit bapana maréntah kaluar ka nu keur nyarumput. “Kang, tadi asa aya sora anjing.” Pamajikanana hélok. “Tah ieu. Akang anyar kénéh ngarékam sora sobat Akang si Bulldog nu keur nyarékan anakna,” ceuk beurit bapana bari némbongkeun hapé.

SURAT CINTA

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 15:07:54

Barudak séah. Lapang sakitu legana heureut ku ténda. Di Beulah wétan, nu latihan baris, tangka patingsurudug. Di Beulah kulon, piriwit patingjaruit ku kodeu morseu. Di Beulah kidul, tingkélébét bandéra semapur.
Di hareupeun ténda. Implengan hideng malikan mangsa kalarung. Mangsa rumaja nu meujeuhna mangkak. Di lapang ieu kénéh. Satutas baris, dibarung luut léétna késang. Aya imut nu mapag ti ténda sabeulah. Aya teuteup nu anteub ti salira. Ngadada, bayeungyang ilang. Tiis. Liuh.
Gok peuting, salira saparakanca ngampar payuneun ténda, gigireun. Lajeng ngahariring dipirig hitar.
“Néng Réni, pujaan engkang. Néng Réni.. engkang palay tepang…!” Duuuhh ieu rasa sok teras liwung. Jantung ratug tutunggulan. Leumpang asa teu napak. Teu puguh rampa. Marojéngja. Ngan béntang patingkariceup.
Pabeubeurang aya nu datang. Nyandak iber ti salira. Bray dibuka, seratan salira.
“Rén, akang bogoh ka anjeun. Contréng salah sawios waleran di handap ieu :
a. Ya
b. Tidak.”

PAGAWÉ PANGRÉSIKNA

Kénging Ayahanda Iwan Hermawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 14:45:22

Karék sabulan si Rebo jadi supir di Dinas Kebersihan, tapi geus ka asup pagawé pangrésikna. Hiji poé manéhna dipénta nyanghareup Dunungana. “Rek dibéré hadiah meureun” gerentes si Rebo.
Barang anjog ka rohangan, manéhna dibéré surat paringatan, kusabab loba teuing ngagunakeun anggaran operasional kantor cénah. Sabari reuwas, manéhna nanya, “pangapunten bapak! Gaduh kalepatan naon si kuring, padahal kuring téh pagawé pangrésikna?”. “Bener pisan, nepika mobil treuk runtah waé kudu unggal poé di cuci steam” témbal atasanna sabari keuheul.

SABUN BATANGAN

Kénging Bety Djunaedi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 14:29:17

“ Néng, dinten énjing Bibi badé wangsul heula.” ceuk Si Bibi sasadu , basa kuring anyar datang ti luar negri. Isuk- isuk kénéh, Si Bibi geus saged rék balik ka lemburna. "Tong lami teuing nya Bi! mun geus bérés énggal uih deui." ceuk kuring. bari teu poho mahanan oléh- oléh bawa ti luar negri sabansaning korma, coklat, jeung keju.
Karek tilu poé Si Bibi geus balik deui, bari rébo ku babawaan pangaresep kuring, dibarung galécok ngadongeng salila di lemburna. '' Néng,ari sabun batangan nu candak ti luar negri téh kumaha nganggona nya ? geuning teu kaluar busa ?" ceuk Si Bibi. Kuring kerung rarasaan asa teu méré oléh oléh sabun batangan '' Eta geuning anu bungkusna warna beureum amucuy aya seratan Édam, ku Bibi di anggo nyeuseuh."

DAG, DULUGDUG, DAG!

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 14:06:01

Langit Kuala Lumpur angkeub. Kalimpudan pepedut ngahuru leuweung. Teu ingkah ti apartemén. Angka IPU nérékél. Anteng mencrong TV. Warta sawala tilu nagri. Tring-treng! Sora kacapi Tarawangsa ngiberan aya SMS tina hénpon. "Pa awal puasa iraha?" ceuk si Tétéh nu keur sakola di Surabaya. Teu waka dijawab. Bray mukaan warta di Internét. Tring-treng! Hénpon ngajentréng deui. SMS ti adina nu kuliah di Bandung. "Pa badé ngiring awal puasa ka Muhamadiyah, ka Pamaréntah?" Warta nu ditéang can kabandang. Tring-treng deui sada hénpon. Indung budak ngirim talatah, "Geura mulang Kang, ieu Si Adé hoyong sasarengan munggahan!" Dag, dulugdug, dag! Ringtone hénpon diganti ku sora dulag. "Piraku kudu milih awal puasa nu pandeuri, milih lebaran nu awal onaman!"

Catetan:
IPU, Indeks Pencemaran Udara

MEUNANG PAGAWÉAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 13:25:47

Geus saminggu jadi supir di nu beunghar pagawé kantoran. Duh! Bungah kapaké pisan. Dunungan awéwé téh geulis badis artis. Teuing pamajikan nu kasabara. Mun pareng taya gawéan, sok uplek ngobrol jeung si Minah nu purah masak. Lumayan bahénol. Hiji mangsa dunungan awéwé ngajak dahar ka léstoran tiluan jeung Si Minah. Pahareup-hareup. Geumpeur. Da can pernah dahar méwah. Sajeroning keur dahar. Bitis handapeun méja digasah-gasah ka si Minah. Tapi teu diképéskeun. Kalah jongjon ngahuap meni rewog. Bérés dahar ngaharéwos ka si Minah. “Min, tadi digasah-gasah meni cicing waé ih, genah nya?”Cekéng. Si Minah melengek. Cenah da teu ngarasa. Rey. Beungeut asa ngandelan. “Beu, alamat dipecat yeuh,” ngagerentes. Sapeupeuting teu daék saré. Baju geus dibérésan. Kring. SMS. Beu! Ti dunungan. Leungeun ngeper. SMS dibuka. “Mang, wayahna isuk, Ibu anteur ka saung. Plis.., déh...!”

LALAKI JEUNG TIHANG LISTRIK

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 13:11:31

Manéhna datang deui. Nyarandé kana awak kuring. Laju ngelepus. Teu jauh ti kantor tempat Nisa digawé. Ti saprak apal yén pupujan atina aya di dinya, manéhna salawasna nungguan. Lain nungguan rék nganteurkeun. Teu werat ku paadu teuteup. Sakalieun Nisa ngalieuk ka lebahna gé sok geuwat malikkeun awakna. Kitu jeung kitu aya kana dua mingguna. Datang. Nyarandéan awak. Ngelepus. Teu pira ukur hayang neuteup asih sajatina ti kajauhan. Mindeng ngagukguk bari neueulkeun tarangna kana awak kuring. Balaka ngeunaan nasibna. Ngeunaan widadarina nu teu ngajadi. Kuring ge sok milu ngalimba. Hanjakal teu walakaya. Ngan sigana ayeuna poé panungtung manéhna maturan kuring. Bubuhan teu nginjeum panon, panyileukanana bareng jeung lalaki kana sédan. Paromanna ngadadak alum. Kuring nu katempuhan, awak ditonjok satakerna. Ngabelentrang. Kérérémpéngan. Geus biasa ieuh, ku nu ngaronda gé sok mindeng ditakolan.

LÉS MISÉRIBLES OÉDIPUS COMPLÉX

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 12:05:13

Keplas. Jangga si Tumang ditigas. “Kudu rido, Tumang. Kapan jang nedunan kahayang Ambu.” Lila manéhna cicing. Tatangkalan sakurilingna surti. Lalakon siga keur nganti. Wanci piligenti. Siliéréd jeung pohaci. Leungeunna ngaragamang kana balati. Ati si Tumang rék dirawatan. Paménta Ambu hamo dipungpang. Dada beulah kénca dibelék. Jajantung si Tumang ngarenyut kénéh. Lila-lila beuki rosa. Manéhna ngejat. Tingkerejet. Jangga nu ditugel tumuwuh jadi tilu. Ting podonghol hulu anjing hideung. Sungutna beureum burahay. Héhébos ngaluarkeun seuneu.
“Aing hayang males pati. Haté disasaak, ngan dijadikeun wadal. Mangsana senang teu dipaliré.”
“Héy, Tumang. Sing inget kana purwadaksi. Pantar urang ngan darma ngalangkang. Ulah baha. Getih jeung daging, kudu ngajadi beureum-bodas.”
“Aingah lain si Tumang. Andika kaliru.” Geblig, lemah dijejek. Bengkah. Kalaluar eroh ti Nagara Puseurbumi. Dayang Sumbi katingali keur direjeng para guriang. Dialungkeun kana kawah umpal-umpalan. Ngocéak maratan lemah. Cenah, nu ngadéngé ngan angin, kakayon jeung sasatoan. Jelema haré-haré. Tarorék jeung notorékeun karep.

KALAH BARI

Kénging Chacha Dinda Yosmari Chacha
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 11:55:25

Beuki dieu teh karasana ku Mimin mah kalah beuki nyanyautan.
Kaduhung bareto besa salakina menti idin rek kawin ka Si Susi make diidinan.
Satadina ngayunkeun kahayang nu jadi salaki daripada rucah teu puguh.
Katambah indungna nu ngagelendut mamatahan; " Idinan wae Nyai,tarimakeun nasib maneh geus kitu kuduna dipangnyandungkeun..!".

Mimiti namah adil, kilir teh tilu poe sewang. Beh dieuna Si Susi usul sangkan kilir teh saminggu sewang,tatambi namah sangkan teu jahat ongkos cenah.

Karasa pisan robahna sikep salakina ka manehna, geus aya kana tilu bulan manehna najan sare bareng ge teu kungsi nyacapkeun birahi.
Alesan rupa rupa, carape tea, teu garena awak tea.
Mimin teu weleh sabar, manehna ukur rumahuh mun pareng sare ngarendeng digigireun salakina nu kerek nyegrek.

Lamun niat jeung teu sieun ku dosa mah,loba barudak bujang ge ari sakalieun balanja ka warung nu tingkarelet bari ngaheureuyan.
Ngan manehna pageuh,pengkuh kana papagon.

Waktu salakina keur kilir dinu ngora, kirining aya telepon.

" Min, akang rek balik ke maghrib,sampakeun cihaneut keur mandi..!"

"Har ari Akang, apan nembe ge dua dinten di Si Eneng teh?.

"Ah,poko namah Akang ayeuna mah rek balik tuluy,bieu tos beberes!".

Basa telepon ditutup Mimin ngarenghap panjang. Hatena guligah, Kang Jumad teh ayeuna mah milik manehna sagemblengna.
Bari hahariringan Mimin pakpikpek di dapur,rek nyampakeun salakina. Geus kabayangkeun rek sabatae cacap kasuka,malar geus mulan malen teu ditoel toel.

Bada maghrib aya nu keketrok. Bray panto dibuka.
Jumad asup,leumpangna rumanggieung semu egang.

"Akang?"

"Min hampura Akang geulis.."

Jumad ngagukguk dina lahunan Mimin.
Bari pegat pegat Jumad ngomong;

"Min, Akang teh rumasa salah grus ngalajur nafsu kagoda ku ublag pangeretan, ceul dokter akang ayeuna katarajang panyakit rajasinga..!

Lalaunan Mimin ngecagkeun sirah salakina tina lahunan.
Leos ka dapur rek nyait teko bari ngusap beungeut ku juru kabaya.

HANDAPEUN BALIHO

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 11:27:09

Di buruan imah, aya dua hayam jago diadu. Teuing mimitina iraha. Silih pacok. Silih jebréd. Silih siih. Hulu jeung jawérna pinuh ku getih. Napasna rénghap ranjug. Ku kuring dipisah. Hésé misahna. Gapruk deui. Gapruk deui. “Meunggeus siah eureun. Nafsu téh meni digugu. Naon anu diparebutkeun: awéwé, dahareun, kakuasaan, atawa harga diri?” ceuk kuring.
Duanana teu ngadéngé sanajan geus ditajong gé. Ceulina kapendet ku nafsu.
Lumpat ka handapeun baliho cawalkot. Lebah dinya, gapruk deui diadu. Dina baliho, cawalkot awéwé nu salakina geus ngajabat dua periode téh teu maliré kanu keur diadu. Kadon seuri.
Belewer, kuring malédogkeun batu kanu keur diadu sangkan eureun. Nyalahan, kalah kena ka gambar cawalkot. Hayam mah anggeur wé silih jebréd. “Meunggeus siah, nafsu téh meni digugu!”
Bosen misah, hayam nu keur diadu diantepkeun.
Isukna kuring maca koran. Cawalkot awéwé téh éléh. Salakina dijadikeun tersangka korupsi. Ditingali tina jandéla, hayam jago téh duanana paéh. Persis handapeun baliho. ***

RUSIAH BÉNTANG II

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 09:53:38

Nalika rasa cinta beuki rohaka, jeung kasono nu ngabebela, haté jumerit saban-saban neuteup tonggongna basa léngkahna ngajauhan basisir. "Geus teu bisa nyidem deui. Batan kabeuleum rasa sorangan, mending ragrag waé ka bumi." gerentes kuring. Awak nyirorot muru jagad. Jelegur! Ngagebur, kuring ragrag persis ditempat manéhna diuk nyawang kuring saban peuting, sisi basisir. Cara peuting nu sasari, manéhna milangan béntang. " Nu rapang dilangit bet kurang hiji, na kamana ngaleungitna?" manéhna anteb neuteup langit. "Leungiteun, Nun?" manéhna ngarénjag basa kuring ngadeg hareupeunnana, tumanya.
"Saha anjeun?"
"Abdi Béntang, Nun...."
"Béntang? Béntang saha?"
"Béntang salira nu satia marengan saban wengi, nu anteng neuteup tonggong salira. Lirénan neuteup tonggong anjeunna, cinta salira teu dipaliré. Geura malik, Nun... Aya abdi nu salawasna micinta salira." kuring ngarangkul manéhna, laun-laun rangkulan beuki pageuh. "Béntang kuring...." haréwosna dina rangkulan. Nyéh, kuring imut ngarérét bulan nu masih anteng gumeulis ngeunteung 'na ngeplakna sagara. Paromanna robah, katémbong bulan ngadilak.

TRAGÉDI NYI APON

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 08:49:19

Harita poé geus caang, manéhna mapag na lawang: “Bagéa Akang nu gandang, tos lami urang teu tepang.” Gabrug manéhna ngarangkul, cimata turun murubul, pananyana silih susul, kuring cicing ukur tungkul.
“Akang hilap nya ka Nyai? Siga nu tos leungit ati? Ka nyai bangun teu ngarti. Atawa tos gaduh deui?”
Beurat ogé rék balaka….: “Nyai lain Akang téga, ka Nyai Akang karunya, tapina kedah kumaha.”
“Aya naon aya naon? Sok énggal pedar lalakon. Enggal Kang jujur ka Apon. Naha tos kagoda panon?”
“Satemenna kitu pisan, Nyai sing janglar pikiran, ka payun mugi mendakan, kakasih nu langkung heman.”
“Euleuh bener pindah rasa, naha atuh Akang wasa, Nyai téh kirang kumaha? Jeung naon itu leuwihna?”
“Geulisna memang sarua, ngan itu mah leutik raga, henteu susah ngaropea, jeung henteu loba pamenta.”
“Béjakeun saha ngaranna?!!!!” Nyi Carpon naék getihna. Kuring némbal salengkepna: “Nyi Fikmin ti tanah Sunda.”

MAPAG RAMADAN

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 08:40:28

Wanci haneut moyan, baki eusi cikopi ngebul sareng goréng sampeu disimpen dina méja.
“Bapana, bulan Rewah méh pareum. Tambihan artos balanja teh sasih ieu mah, seueur nu kedah dipésér sasadiaan kanggo Ramadan sareng kueh lebaran. Mésér sarung kanggo bapa sareng Asép, ibu sareng nénéng ogé badé géntos mukena sakantenan sajadahna kanggo tarawéh. Teras mésér Quran kanggo tadarus. Salin barudak kanggo lebaran gé mending mésér ti ayeuna supados jongjon.” Bi Ina norowéco. Mang Ujang anteng mulak-malik koran. “Ieuh, Bapana!” sora Bi Ina keuheul asa teu diwaro.
Mang Ujang nilepan koran teras naros, “Ibuna, kodoaneun taun kamari tos bérés?” Bi Ina godeg.
Mang Ujang leuleuy nyarios, “Hayu urang tatan-tatan mapag Ramadan ku niat anu suci seja iklas ibadah di Bulan suci, merangan hawa napsu kadunyaan. Ramadan hiji tarékah lir ibarat kawah candradimuka pikeun kaluhungan batin, sangkan jadi jalma takwa.” Mang Ujang mungkas basa, Bi Ina ukur ngeluk kawas bueuk meunang mabuk.

KATIPU

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 07:31:14

“Yeuh jang bekel lima poéeun.” Saayana dina dompét duit dibikeun kabéh ka Jikan. Nyésakeun jang ojég juh rebu.“ Rék kamana, tara biasana méré duit rada undak?” “Puguh tadi si Jajang nelepon ngajak manggung di Denpasar. Lumayan ngala duit bari jalan-jalan.” Teu talangké jeung teu nungguan dititah manéhna gesat gesut meresan koper jeung eusina. Hudang téh rada nyubuh nunggu disampeur di tungtung gang. Keur jongjon udud bari campego, “Hayu buru...!” Si Jajang ngagorowok ‘na panto mobil, reg mobil eureun. Kalacat kuring naék bari angkaribung ku babawaan. Kabéh nu aya sing séréngéh. Geuleuyeung mobil maju. Kring! Aya SMS. Dibuka. Beu! Jikan pésen daster, budak pesen cocooan. “Jang, engké mun bérés manggung, wayahna ka Pasar Seni heula, tuluy ka pantéy Kuteu,” cekéng. Si Jajang ukur kéom. Reug mobil eureun. Kabireungeuh aya panggung. Babaturan tarurun. Rét kana plang ngaran jalan. Nyel

LAIN DULANG TINANDE

Kénging Teh Ning
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 07:16:50

Dilongok teh ukur ngaheruk. Ceurik. Karasa kitu ayeuna mah. Kuring ngusap pundukna. Mengkek piceurikeun nu nyelek.
"Kumaha akang. Nista maja utama. Pulisi jeung aparat sejenna gideug diasongan duit sapuluh juta ge. Hanas banda kolot Aa dijualan. Sugan teh rek bisa cara tiheula. Ari heg, cenah tetep akang kudu nebus kasalahan dipangberokan. Tujuh tauneun sakumaha putusan hakim!"
Tanggah saeutik. Segruk deui. Kuring bati ngaleketey. Sedih nataku. Jaba anak saopat-opat meujeuhna bilatung dulang. Ari kituna mah bonganna taya kakapok. Geus katangkep dua kali alatan narkoba teh. Nu tiheula bisa dame ku duit.
Satadina mah lah-lahan belaan jujualan sangkan manehna kaluar. Keur mah butuh tanggelan. Tapi gening teu beunang.
Dug pet ngusahakeun anak, nuluykeun dagang. Mingkin ripuh.
Ayeuna taun kalima manehna di pangberokan. Hirup kuring rada meueusan. Kajeun jadi nu kadua, dikawin ku bandar hayam. Tapi budak kacukupan.
"Hampura Aa. Lain teu satia. Tapi hirup kuring jeung anak salira leuwih penting!"

CIMATA INDUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 06:55:22

Pasosoré indung jeung anak keur aranteng nyawang kaéndahan alam di sisi talaga. Indungna geus lila lumpuh, diuk dina korsi roda disurung ku anakna lalaki, anu geus senang jeung geus boga anak pamajikan.
Indungna nanya, ”Éta manuk naon anu euntreup dina taraté, Jang?”
Anakna nembalan leuleuy, ”Manuk waliwis éta mah, Mamah.”
“Ari itu anu pulasna bodas, manuk naon?” Indungna nanya deui.
“Waliwis kénéh éta ogé!” Tembal anakna sorana narikan.
“Ari nu hiber tuh, éta manuk naon?” Ceuk Indungna bari nunjuk manuk hiber.
“Éh, ari Mamah. Nya sarua wé atuh waliwis, naha Mamah teu ningal?”
Cimata juuh ngamalir maseuhan pipi indungna. Disusut lalaunan ku raramo anu meotan, bari dareuda nyarita, “Baheula dua puluh genep taun katukang, Mamah mangku hidep di dieu. Harita hidep gé nanya ku pananya kawas Mamah ayeuna, aya sapuluh kalina. Itu manuk naon, Mah? Sapuluh kali hidep nanya, sapuluh kali Mamah nembal bari sabar. Tapi ayeuna Mamah kakara nanya tilu kali, hidep geus nyentak Mamah dua kali.”

KACEREK DELEG

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 05:27:59

Wanci tengah peuting, keur sumedengna tibra saré. “Kepung...! Kepung...!” Sora nu ngaronda. Ngoréjat, terus gigisik. “Kardi, hudang euy!” Sora Mang Juha, teu bireuk deui. Bray, mukakeun panto. “Aya naon?” cekéng bari luak-lieuk. “Aya nu siga bagong. Tuh, ka lebah ditu!” Témbal Mang Juha bari nyorotkeun sénterna. “Dagoan keudeung! Dék nyokot heula pakarang!” Léos ka imah, gep kana bedog. Sarung disoléndangkeun. "Hayu!" cekéng téh. Bring, ngurilingan imah kuring, kolong ditoong, unggal juru anu poék disorotan, méh taya nu kaliwat. “Lapur, ka mana ngilesna?” ceuk Mang Tata bari tetep rurat-rérét. “Urang ka beulah ditu! Bisi balik deui!” Mang Juha ngajakan nu lainna. Saléosna, nu ngaronda. Kapireng aya sora, nu sesegrok ti dapuran tangkal cau. Keteyep kuring ngadeukeutan. Teu tata pasini, samping sarung dirungkupkeun. Terejel. Ampir lésot. Kek. Didengkék. Janggélék. "Sset! Ulah geruh!” Saur anjeuna.

MANGKANING

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 05:11:28

Laptop dibuka. Di-on-keun. Tuluy modem dicecebkeun. Manteng, ‘on line!’ ‘Sign in.’ Bréh! Hérna mapagkeun dina tampilan layar bubuka. Manéhna nu remen ngajak lawung. Di jomantara sumawona di kieuna. Silihtembrakeun rasa. Silihgelendut kalbu. Geus teu asa jeung jiga. Taya rusiah. Najan sawala jalmi sawawa. Sagalana nembrak. Bruk-brak. Padahal teu bau sinduk-sinduk acan.

Ikon inbok mucunghul. Dirérét. Status sobat dalit Hérna. Dedeganana sarimbag. Mojang anyar pinanggih. Panasaran diklik! Bray inbok dibuka. “Sampurasun! Tiasa abdi ngadugikeun kagegelan?” Sopan. Disumanggakeun. “Hapunten saacana! Abdi teu ngahaja maca paguneman inbok antawis akun Bapa sareng akun pun biang. Dina hapéna nu kakantun. Kedah kumaha saéna abdi ayeuna? Nuhun!” Rey késang tiis meletis bareng jeung mancawurana rusiah. Jantung ratug tutunggulan. Reuwas kareureuhnakeun. “Mangkaning...?”

DONGÉNGNA

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 05:04:39

Sitataru jadi Sirama-rama. Gegeleberan. Némbongkeun jangjang. Ti tangkal ka tangkal nu ngarandakah. Ti kembang ka kembang nu ligar. Ti palataran ka palataran nu asri. Ti jukut nu ngémploh tepi ka jukut riut. Teu kapireng. Rerencepan. Teu eungeuheun, dikukuntit paneuteup. Teup. Eunteup. Ceprét. Beunang kaceprét. Pluk. Rangsak jangjangna. Bati gegetun. Kalangsu ngeunteupan kembang taman larangan. Kiwari. Ngeluk dijuru pos ronda.

MUNGGAH TAUN IEU

Kénging Suchao Ridwan Siidellan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 02:22:18

"Méd, sakeudeung deui munggahan yeuh, balik kalembur moal?" ah Din tong sok ngomong-ngomong sual munggahan lah, Sok rada sésérédétan kana haté. "Naha kunaon méd?" "apanan uing anyar di phk, jadi teu boga duit keur ongkos balik."

Sajongjonan si Uméd ngahuleng, "geus kabayang saur bakal sorangan, buka puasa sorangan. Sigana dahar téh moal nikmat. Teu cara baheula, dahar téh ngariung jeung kolot. Asa ku nikmaaat dahar téh, dahar jeung asin ogé asa jeung gepuk" (Gerentes haté si uméd).

"Teuh nya, ngadon ngalamun, geus wé kieu Méd, engké peuting ngilu jeung uing, Urang ngabedahkeun balong mang Emod." Gélo sugan manéh, tapi dipikir-pikir mah lumayan. Hayu atuh.

Peutingna si Uméd jeung si Udin keketeyepan ngabedahkeun balong mang Emod, keur jongjon ngabedahkeun, jol aya nu ngagorowok. Maliiing...
Warga barijil ti imahna, si Uméd jeung si Udin ditéwak bari digarebugan. Tuluy dibawa ka kantor pulisi. Tungtungna mah si Uméd jeung si Udin munggahan di sél.

CEURIK KASIM

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 01:06:46

Salambar-salambar hijab nu nutupan oratna dilaanan. Katèmbong umyang kulitna, sampulur awakna. Rambutna nu meles, galing muntang.
Rindatna, teuteupna, neumbrag jajantung, ngahudang kalalakian.

"Badè, nu palih mana heula?" manèhna nanya, bari bluk nangkuban.
Leng dunya sajongjonan muter, deuh imbitna. Kuring neureuy ciduh.
"Teu langkung Ndèn... ," kuring ngawalon, bari neueulkeun rèma kana minyak Zaitun. Tuluy manèhna mèrè isyarat, nuduhkeun kana bitisna.
Lalaunan rèma kuring mapay bitis nu beuneur, ngaguluyur dina awak nu sampulur. Teu karasa, aya nu ngeclak tina mata. Ngahiji jeung minyak Zaitun, mawur jeung hatè nu tagiwur. Ngarakacak, nganaha-naha, kunaon diri teu sampurna. Basa Ndèn tibra, mangsa kuring namatkeun ngaleles salirana.

PUASA ?

Kénging Alex Hasan Sapari
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 00:41:59

Tadina mah asa seunggah, kumaha engke lebaran ? Hadena Kang Kandi ngajak gawe, ngarehab imah mitohana di Tarogong. Gawe beurat, puasa teu kuat. Poe Juma'ah, satengah dualas, liwet asak. Deker dalahar. Rengse dahar, pelenyun udud, tuluy nyelang ka cai. Samajan puasa batal, solat mah tara kaliwat. Rap, baju koko bodas. Kopeah bodas. Sarung ngagayabag. Sajadah dina aktak. Sora adan ngalanglaeung. Gura-giru kuring indit, teu poho ngajewang sesa roko. Sajajalan nu paamprok, marolohok. Kuring manggut bari seuri. Jadi semah kudu someah, gerentes hate. Nungguan anggeus adan, loba jama'ah narangtung di buruan, kaasup kuring anu kakara datang. Kawas nu tadi amprok di jalan, nu diburuan oge, malencrong ka kuring. Kehed teh, kakara ningali artis juma'ahan kitu ? Sanajan darehdeh, hate kuring kukulutus. Seep...puuh. Haseup ngelun tina sungut. Astagfirulloh...! Kuntung ditincak. Kabeneran adan geus cacap. Kuring seseledek asup kana pang tengahna shaf, nyumput. Naha ari poho, beut pohara....

CEURIK KASIM

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 00:28:22

Lalaunan salambar-salambar hijab nu nutupan oratna, dilaanan.
Katèmbong umyang kulitna, sampulur awakna. Rambutna nu meles, galing muntang. Rindatna, teuteupna, neubrag kana jajantung, ngahudang kalalakian.
" Bade nu palih mana heula?" manèhna nanya bari, bluk nangkuban.
Leng dunya sajongjonan muter, duh imbitna, hatè ngarahuh.
"Teu langkunga Ndèn" kuring nembalan, bari neureuy ciduh.
Tuluy manèhna mèrè isyarat, nuduhkeun kana bitisna.
Lèdak, minyak Zaitun diantelkeun kana rèma, lalaunan mapay bitis nu beuneur, Ndèn peureum beunta.
Teu karasa aya nu ngeclak tina mata, ngahiji jeung minyak Zaitun, ngageleser mawa rèma , ngaguluyur mapay salira Ndèn nu sampulur, nganaha-naha nasib diri nu teu sampurna.
Basa Ndèn tibra, mangsa kuring namatkeun, ngaleles salirana.Kuring nyusutan cimata.

SAMPURASUN NGIRINGAN DIAJAR NGAMOMOLE BASA SUNDA

Kénging Hilman Fauzi Tea
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2013 00:21:39