Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Juni 2013 (28 Naskah)


PELASTIK

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 23:00:28

Geus sangheuk ngalayanana. Teu miduli uing nu capé balik nyaloan. Tepung munggaran di setamplat. Manéhna lungguh kacida. Halimpu sorana. Matak kabongroy, uruy ku sampulurna. Rindatna nu ngajurung kawani, nanyakeun jam, wawuh nepi ka wanohna. Layeut. Ngan teu nyangka bakal kieu jadina. "Aa, tong gaduh émutan badé ngantunkeun abdi, nya?" pokna. Ukur dijawab ku unggeuk. Kapandeurikeun beuki maceuh, geus teu nénjo waktu jeung kaayaan. Boga waé alesan keur datang ka kosan téh. Bisaan nyombona. Dahareun moal matak tigerat. Naon nu jadi kahayang dicumponan. "Tah, ieu BB-na, Aa," pokna bari léléndéan. Ngagaléntoran. Hileud nyampeurkeun toéd. Najan seubeuh dipacok ogé. Teuing nu ka sabaraha rintakan, manéhna ngagowak teu kawas sasari. "Atos, Aa. Harigu abdi bucat!" gorowokna. Uing ngajénghok.

NUNGGU LIMABELAS TAUN

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 22:23:39

“Lima kurang tujuh téh sarua jeung boga duit lima, boga hutang tujuh. Lamun nu lima dibayarkeun kakurangan dua. Jadi , lima kurang tujuh sami sareng kurang dua atawa negatif dua.” Pa Tatang nerangkeun konsép negatif ka murid kelas lima és-dé. “Pa, na ari lima kurang kurung kurang tujuh bet janten duabelas.?” Kardi nanya. “Pokona kieu wé, Di : Tanda kurang kurung kurang téh sarua jeung tambah, titik,” saur Pa Tatang. Kardi cicing, teu sugema.

Kardi jadi guru di seméa. “ ‘Account payable’ téh hutang nu kudu dibayar, sedengkeun ‘account receivable’, piutang, atawa urang ngahutangkeun. Jadi nu disebut asét téh naon nu aya di parusahaan ditambah ‘account receivable’.” Pa Daud, guru akutansi, ngadiskusikeun istilah jeung guru deui. Kardi nu diuk gigireun Pa Daud nyorowok tarik pisan na haténa “Eureka! Lima kurang kurung kurang tujuh téh : boga duit lima NGAHUTANGKEUN tujuh. Mun mayar harta jadi duabelas.” Sugema.

ANAK JADAH

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 22:20:53

Geus teu anéh narima panghina. "Entong daék ulin jeung si éta, sok mawa sial!" remen ngadéngé indung-indungna babaturan nyarék. Unggal aya riungan, ngadadak bubar mun disampeurkeun. Naon dosa téh? Indung teu pernah betus mun ditanya sababna. Naha bet jiga nu arijid? Gideug, bari rambay cisoca.
Beuki gedé beuki ngarti. Aing kudu néangan Si Bapa! Patékadan geus buleud. Ayeuna waktuna!
Keur anteng ngalamun di pipir masigit. Ujug-ujug aya cahaya bodas nyamber awak. Reketek, asa dibeungkeut laju dibawa ngapung. Ingetan mabur duka kamana. "Naha aya di dieu?" kagét barang sadar aya di tempat ahéng. Geuwat cengkat, panon ngulincer ka sakuriling bungking.
"Radén, hiap ka dieu!" hiji sora nyalukan. Astaghfirullah! Jalma kasép nu diuk dina korsi gading ngagupay. "Anjeun téh anak kula, ti wangkid ayeuna kudu maké makuta ieu!" ceuk éta jalma bari masangkeun kana sirah.
Jalma-jalma lalumpatan. "Itu aya oray naga asup ka lembur!" patingcorowok bari tutunjuk. Naha jadi kieu?

NGALADOG KA NAGARI JIRAN

Kénging Carwin
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 22:09:30

Ingetan téh masih kénéh ngongkolak dina panon. Panungtung. Waktu leungeun Euis keur gugupay. Panon reumbay pinuh cimata. Kuring pageuh nyekel leungeuna. Sok sanajan haté teu mikeun. Lalaunan ngaleupaskeun.
Kiwari geus sataun. Lebeng, manéhna téga geus mopohokeun. Disms, haré-haré. Puluhan surat taya balesan. kiwari Euis suwung, naha dimana?
Satutasna tamat sakola SMK Tataboga. Euis dikontrak gawé. Hotél béntang lima, nagari Sepang Malaysia. Alatan manéhna salah saurang Kitchen pinunjul. Parigel ngolah sagala asakan. Utamana kangkung. Jawara sadunya.
Rebun kénéh, kuring geus ngabelesur ngajomantara. Lénding di Nagari Malaysia. Kukulibekan. Nyukcruk, nyusud pitapak Euis. Lebeng, nanya ka saban jalma teu metu. kadungsang-dungsang dilembur deungeun. Waragad geus béak. Kuring balik ka jakarta,
Tengahing marga istirahat. Diréstoran. Ngusi beuteung.”Néng! Cah kangkung sa porsi.” Cékéng ka pelayan réstoran.
Torojol pésenan. Ngebul kénéh, song na méja. Teu diengkékeun. Belewek! Cah kangkung, ngan sakotéap. Ledis. Gebeg! Poho ka éra, inget ka Euis. Belenyeng miluruh dapur réstoran. ”Euis leres ieu téh anjeun?”

SASEMPLÉK PANINEUNGAN DI RUMENTANG SIANG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 22:02:17

CALON penongton. Ngaliud di buruan gedong kasenian. Para pamaén sandiwara geus saraged, dikosteum katut rias. Luyu jeung peranna séwang-séwangan. Harita, kabagéan merankeun tokoh si Tumang. Rap, maké kosteum anjing hideung. Saperti sasari, nungguan detik-detik prungna pagelaran, loba pamaén nu dumadakan samar rasa. Aya nu; paranas tiris, pulang-anting ka cai, hantem gegereyeman, mendekung di juru, ngepluk udud jeung sajabana.
Awak asa lungsé, balas udar-ider ngiderkeun karcis. Di pipireun panggung nempo lawon layar, ngalumbuk. Pangangguran. Golédag, dikedengan. Heuay merelek, nepi ka teu apal goong ditakol tilu kali. Tanggara, pagelaran dimimitian. Babak ka babak lumangsung. Adegan kojo, si Tumang dipaténi. Dibedél, diala atina. Lapur! Tug, nepi ka lakon tutug. Lampu panggung surup. Layar nutup. Nu lalajo émprak. Budalan.
Rohang gedong, molongpong. Panggung comrék. Kolotrak, Mang Otong. Pasapon gedong, tutulak. Rumegog, nénjo nu ngaréngkol, “Anjing hideung, héés di dieu?! Si…! Si…! Nyingkah, siah!” Jekuk, ditalapung satakerna.***

PODO

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 20:43:09

Cép Satrio turun tina mobil Toyota Alphard. Sésélékét di antara nu ngantri. Ujug-ujug nangtung hareupeun Mas Jarwo, préman kampung. Mas Jarwo ambek, nyuntrungkeun Cép Satrio. Cép Satrio teu tarima. Ngalawan. Silih séréd. Ma Uti ngajerit, katindih Abah Idon. Nyi Unéh, nu keur diais Ceu Écin, ngagoak, kagencét Kang Ujé jeung Kang Ibro, sanggeus rag-rag tina aisan. Antukna kabéh anu ngantri jadi silih séréd. Silih siku. Silih téjéh. Pating kocéak. Pating jarerit. Pating jorowok. Ti kajauhan, aya tilu urang anteng nyerangkeun.
“Lha, penakan jaman aku tho. Ra koyo ngéné.” Simbah Ato imut semar mésem.
“Cangkemmu! Iki kabéh goro-goro kowé ngutang terus.” Lik Yono jamedud.
“Wes, ojo padu! Kowé podo. Senengané nggawé rayat rekoso.” Éyang Ano ngahelas. Panonna beueus.
Terjemahan :
“Ngeunah jaman kuring kapanan. Teu jiga kieu.”
“Sungut manéh! Ieu kabéh gara-gara manéh ngutang terus.”
“Geus, tong paséa! Maranéh saruana. Karesepna ngan nyieun rayat katalangsara.”

JULI

Kénging Hena Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 20:26:25

“Haturan, wilujeng sumping, Juli.”
Sorana nu semu peura, haroshos digereyemkeun. Lebah jandéla kamarna nu molongo, manéhna ngajanteng melong ka luar.
“Juli nu éndah. Juli nu pinuh ku kabagjaan. Kang Hardi, mun seug urang henteu pis......”
Teu kebat ngagerendengna. Sirahna nyuuh kana kusén jandéla. Matri dina ingetanana, basa Mamih Iseu nepungkeun dirina reujeung Om Danur.
“Kelas kakap, May. Beubeunangan téh leuwih ti misti geura peuting ieu mah. Kadé poho, peresénan keur mamih, nya?” Bari ngeureudeupkeun panonna. Imut maur. Dipaksa ku nasib léngkahna ngaléok ka lebah dinya. Bral arindit. Ngageuleuyeung dina mobil weuteuh kaluaran panganyarna ngajugjug ka luar kota. Najan enya, lampah téh ninggang di salah, asa kakaraeun manggih klién ayem kieu. Henteu gurung-gusuh cara kalolobaanana. Tapi, basa dirina geus disalin ku linggeri, Om Danur ngudar beubeurna. Jelebét-jelebét dipecutkeun kana sakujur awakna. Bitis, pingping, cangkéng, jeung tonggongna, tingdaralang aya tapakan.

BOLOS

Kénging Kang Haji Asep Ramdan
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 18:42:19

"Ka mana santri anyar téh teu katémbong irung-irungna acan?" Gerendeng Mama Ajengan Rahmat Sutisna

MUHARAM

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 17:05:53

Lalaunan manéhna mukakeun panto. Ngarengkog mireungeuh sabundeureunana poék kacida. Kasieun nyaliara. "Piraku kudu bolay?" Gerentesna. Lebar meunang cunggelik sapeupeuting nahan rasa tunduh awahing sieun kabeurangan. Keur ngahuleng, ti tonggoh Aki Emod tukrah-tokroh kundang iteuk, leumpang nyorangan. Manéhna ngeteyep nuturkeun. Salamet nepi ka masjid,solat subuh barjamaah.
Kalakuan Muharam kitu, unggal poé. Indung bapana teu arapaleun. Ngan rada héran nempo anakna loba saré tibeurang.
Tadi beurang ti sapéker masjid aya wawar, Ki Emod tos tilar dunya. Muharam ceurik ngagukguk teu sirikna gogoléran. Kolotna hémeng ningali kalakuan anakna.
"Kunaon ari manéh sujang? Dulur lain baraya lain! Ki Emod maot manéh meni kanyenyerian kitu..!" Bapana nanya semu keuheul.
"Padahal mening bapa wé nu maot téh!" Tembalna bari nginghak.
"Naaa, ari sia gélo?" Bapana reuwas tur ambek.
"Ah da bongan bapa mah, tara ngahudangkeun, terus ngajak solat subuh di masjid!"

INBOK NU PANG'AHIRNA

Kénging Abi Santang
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 16:01:29

" Naha meni ku'keukeuh jungjunan, nojokeun balébat geni, ambles nyeceb na jajantung, nu nyaliara jadi sungkawa.
Keclakna ci'ibun katresna, nu ti'is pinuh ku tingtrim, lalaunan kakuping sahéng, mangsa panasna geni, mitembeyan ngalimpudan, nyupata raga awaking.
Cag gera simpen, naha badé di palih mana, wates rasa anu sa'éstu, meungpeung masih aya waktu, atawa mémang kuring nu dijujurung seja lumaku.
Mun seug mémang seja ditundungna, ci'ibun tresna tangtu robah wujudna, jadi haseup nu ngajomantara, ninggalkeun asma lan raga pangancikannana, sésana ukur keclak cisoca, nu hamo bisa ngudar deui mangsa, pikeun balik ka asal mula.
Sing émut jungjunan, sagalana aya wates wangenna! "
Satutasna maca inbok ti manéhna, haté téh asa lempeng taya tapakna, terus males nga'inbok, " mangga téh teuing badé ngablokir abdi mah, mémang abdi teu tiasa ngaleupaskeun anjeunna, sok sanaos anjeunna kantos miduakeun abdi. "

SAÉMBARA

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 15:00:18

Tinandak layang kangkeri. Wiswinaca perlambangé kang gumelar. Kocapa wontening nagara Hastinapura. Papayung Agung Praja Sentanu Déwa. Gentur catur, puket kereteg. Hémpak merbayaksa lan para ondangan ti nagri séjén. Sasat badé ngayakeun saémbara. Dangu-dangu Sang Prabu, muka tan tinarita. "Singsaha anu bisa meuntas walungan nu pinuh ku Buhaya! Hadiahna Putri, atawa emas permata!" jep, sakur nu ngariung, euweuh nu nyora. Kabéh gimbir. Sieun, dileg-leg Buhaya. Silihrérét jeung baturna. Sabot keur kitu. Gejebuuur! Aya jajaka, luncat. Kerelep! Pucunghul, roroésan ngojay ka peuntas. "Horééé! Hébat, Euy! Saha, tatéh?" ceuk nu lalajo, surak ambal-ambalan. "Kusabab Anjeun geus hasil meuntas. Tah, tinggal pilih. Putri atawa emas permata?" Raja, nalék. "Aing teu butuh Putri!" témbal jajaka. Haruhah-haréhoh, nulak cangkéng. "Emas, atuh?" Raja, héran. "Paménta aing, ngan hiji!" pokna, matana beureum bari kekerot. "Hayang naon atuh, satéh? Raja, jadi ambek. "Tunjukeun! Saha mangkelukna, anu tadi cicing satukangeun aing!"

SAÉMBARA

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 14:58:13

Tinandak layang kangkeri. Wiswinaca perlambangé kang gumelar. Kocapa wontening nagara Hastinapura. Papayung Agung Praja Sentanu Déwa. Gentur catur, puket kereteg. Hémpak merbayaksa lan para ondangan ti nagri séjén. Sasat badé ngayakeun saémbara. Dangu-dangu Sang Prabu, muka tan tinarita. "Singsaha anu bisa meuntas walungan nu pinuh ku Buhaya! Hadiahna Putri, atawa emas permata!" jep, sakur nu ngariung, euweuh nu nyora. Kabéh gimbir. Sieun, dileg-leg Buhaya. Silihrérét jeung baturna. Sabot keur kitu. Gejebuuur! Aya jajaka, luncat. Kerelep! Pucunghul, roroésan ngojay ka peuntas. "Horééé! Hébat, Euy! Saha, tatéh?" ceuk nu lalajo, surak ambal-ambalan. "Kusabab Anjeun geus hasil meuntas. Tah, tinggal pilih. Putri atawa emas permata?" Raja, nalék. "Aing teu butuh Putri!" témbal jajaka. Haruhah-haréhoh, nulak cangkéng. "Emas, atuh?" Raja, héran. "Paménta aing, ngan hiji!" pokna, matana beureum bari kekerot. "Hayang naon atuh, satéh? Raja, jadi ambek. "Tunjukeun! Saha mangkelukna, anu tadi cicing satukangeun aing!"

KRESNA TALUK

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 13:41:06

Geus sababaraha kali dicoba, keukeuh teu bisa. Weléh. Sakapeung, ngabelegbeg hideung nu témbong dina layar. Séjén waktu, aya gambar tapi acak-acakan. Padahal kodeu aksésna bener. Aksara jeung angka-angka geus diketikkeun kalawan tarapti. Power eusi, pinuh. Signal katéwak, hadé pisan. Totondén sambungan nirkabelna oke. Naon atuh nu salah? Hémeng. Lieuk ka Lurah Semar nu keur andéprok nungguan jawaban.

"Kumaha nun?" Ngahuleng sakedapan. Cadu keur batara némbongkeun semu kabingung. Mangka jadi pangjugjugan manusa, marénta kamandang jeung bongbolongan. Tapi sakali ieu mah Sri Kresna kudu ngaku taluk. “Ieu Lopian, error. Ngerakeun!” Ngembang wéra. Beledag! Lopian diprékprék ku Senjata Cakra. Bubuk saharita. “Mun di-hack, atawa keuna virus, seug nyalawading, nyalahan hasil olah programna, nasib Mahabarata kumaha?” Semar ngadégdég. Reuwas kagila-gila.

Kirining sada telepon. Sora daria. “Neda panghapunten, Paduka. Kabel fiber optic di tengah Sagara Kaler pegat katojér ku Raden Jakatawang, nun. Tim téknis nuju ngajugjug lokasi, seja nganormalkeun deui konéksi.“

MANGSA HALODO

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 13:25:38

Halodo karék saminggu, cai sumur geus saraat, wahangan oge ngolétrak. Panceg jam dualas beurang, Kurdi samar polah, teu betah di imah. "Bayeungyang!" pokna. Léos ka sisi wahangan, ngadon niis, diuk di handapeun tangkal kiara. Ceulina mireng nu icikibung. Rét panonna ningali ka lebah leuwi. Nyidik-nyidik, kahalangan ku runggunukna tangkal haur. "Lain nu kamari, ieu mah leuwih genaheun icikibungna," gerentes Kurdi. Keur anteng mencrong Nyi Mojang. Pung, pikiran Kurdi ngawang-ngawang. Mandi bareng jeung Nyi Mojang, icikibung patémbalan, silihsimbeuh, suka-bungah. Keur anteng ngumbar lamunan. "Kurdiii...!" ceuk sora datangna ti lebah leuwi. Barang dirérét. Kurdi ngocéak bari nungkup beungeut.

ANTARA INDUNG JEUNG KURING

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 12:55:20

Mah..! Langit Bandung lenglang, taya tédéng aling-aling. Salénglang haté abdi nu mikasono Mamah. Kalan-kalan cimata merebey tanpa dipénta,baseuh ngamalir na pipi. Girimis na rasa ngepris Mah! Dina juuhna cimata rewuan tanya, mancawura taya jawaban.Tapi tong salempang Mah! Abdi iklas kana guratan nasib.

Mah..! Abdi nununtun ingkang putu, jalan-jalan di Kebon Binatang. Tingal Mah ! Curukna bentik-bentik waé, sagala ditunjuk, sagala ditaroskeun. Célémbéng pisan. Kaleresan aya anak monyét, ngagantél waé ka indungna. Ditunjuk bari ngaharéwos, “Mbuu...! Pami monyét nyaaheun ka putrana teu ?” Ku abdi diwaler, “Tangtos kaseep, sato gé sami sareng jalmi, nyaah ka putra.”

Mamah..! Geuningan anak téh, sagalana keur abdi mah. Beubeulahan jiwa. Kembang panon. Tangtos Mamah gé ngaraoskeun nya Mah? Da urang ayeuna tos sami-sami ngarasa jadi indung. Mung aya sakedik béntenna, abdi moal téga miceun darah daging sorangan.

SMS

Kénging Herlan Djatnika
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 11:27:23

Dina hiji sawala di Kantor Pos Pusat.
"Ayeuna mah masarakat téh geus jarang maraké surat pikeun alat komunikasi. Karyawan teu pati loba gawé saperti baheula. Kaayaan kieu téh saprak mahabuna hapé. Kukituna, kuring mutuskeun yén dinas-dinas pamaréntahan dianjurkeun pisan supaya maké surat pikeun nepikeun tujuan-tujuan kadinesanana. Malahan, dinas nu panglobana ngirim surat bakal meunang hadiah léptop" ceuk Kapala Kantor Pos dina biantarana. "Hapunten Pa, dupi kanggo nyalabarkeun anjuranana kumaha?" tanya salah saurang pagawé. "SMS wé para kapala dinasna, ambéh téréh!" témpas Bapa Kapala.

MASJID JIN

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 11:03:13

Keur budak, aya kahayang ka Mekah téh lain rék ibadah haji, kalahka hayang ka Masjid Jin. Éta meureun, loba ngadéngé kaanéhan di Masjid Jin. Nu kaimpleng, masjid nenggang di sabudeureunana taneuh kosong. Lamun salat, sanajan sorangan sok raéng nu maca 'Alloohu Akbar'.

Bérés salat magrib di Masjid Harom, ngahaja langsung ka Masjid Jin. Geuning teu jauh ti Harom. Datang ka dinya, haté asa teu méréan, jauh tina implengan. Masjid nyelap diapit ku toko-toko, leutik. Bus ka jero, asa asup ka musholla di kantor-kantor nu aya di Jakarta. Teu geueumeun. "Boa dongéng Masjid Jin téh bohong," gerentes téh.

Adzan laju komat, rék salat isya. Salat teu husyu, haté norowéco, ngoréhan dongéng Masjid Jin. Awéh salam. Lieuk ka katuhu, peletak daun ceuli nu kénca aya nu nyintreuk. Lieuk ka kénca, daun ceuli nu katuhu disintreuk. Rungah-ringeuh. Ti tukang aya nu ngadegungkeun sirah. Kudupruk sujud, nyuhunkeun pangapunten ka Gusti Alloh.

PASIR PUTAT

Kénging Ida Nurulhuda
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 10:48:55

Pareum listrik geus méh opat jam. Ti jam lima soré, sanggeus raat hujan bula- bali. Lembur karasa simpéna bari meredong. Di beulah kidul, atra nu baranang ti Pasir Putat. Éstu kontras jeung kaayaan sabudeurna. Mongkléng. Kawantu aya dina tonggongna, wawangunan di Pasir Putat katenjo beurang peuting ti pilemburan nu ngampar lebakeunana. Komo palebah aliran modél kieu. Matak nyirik nempo nu marakbak sosoranganan. Pasir nu tadina ngémploh ku kakayon, kiwari jadi bulistir. Ngaliglag dijorag nu beunghar, beuki beunghar. Najan di punclut, cai ngagolontor tina sumur bor. Jerona alah batan beungeut cai di landeuhna, Citengah. Jalan ka tonggoh lucir dihotmik. Hareupeunana ngajegir pos satpam. Ceuk béja, saméméh asup ka komplék kudu make heula baju husus jeung dimasker. Ngajaga bisi sémah mawa panyakit tuluy tépa ka pangeusina. Bray. Listrik hurung deui. Surak sajongjongan. Teu lila ngageleger, tingcariak handaruan. Longsor tai kotok. Pasir Putat nyilalatu, bulu hayam jadi hujan.

AWEWE DINA TUNGTUNG SIMPE

Kénging Teh Ning
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 10:29:26

Mapay simpena peuting, umangkleung dina sagara katineung. Nyaliksik diri, medaran carita. Aya anjeun dina geter-geter nu anyar. Renggenek manehna nu teu weleh nalikungkeun kanyeri. Nangtung diantarana. Duhhh Gusti, naha salah? Lamun diri hayang ngecap ngasaan nu kumaha rupa bagja teh?
Karek kamari, hate ngembang kayas dipukprukan harepan ka anjeun. Ku anjeun. Asa hirup sanggeus lila paeh, sirna tina kahirupan. Anjeun nu ngaligarkeun kembang, nu lila ngarumpuyuk katalimbeng pepedut hirup.
"Nyaan rek dimumule. Deudeuh abdi ka salira. Ikhlas abdi nampi salira. Asal salira...."
obrolan jeung anjeun.
Getih nu lila tiis asa ngahaneutan deui. Ahh bener, bet teu kudu penggas regang.
Kiwari simpe angger ngalagena. Meureun anjeun bosen nungguan. Duh ieung asa leungiteun. Ngarakacak. Naha anjeun leumpang nyorangan?
"Nyeri hate. Asa diheureuykeun. Abdi rek nyorangan!" ceuk anjeun.
Peuting mingkin ngolotan. Kuring angger mapay mangsa nataan harepan. Gilig rek ngudarkeun beungkeutan.
"Ahh, kajeun nyorangan!"

*

MEUNANG HAYANG

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 09:47:12

“Iraha Kuring boga duit nya?” waktu ngaliwatan warung Gudeg, sabab kasaksén unggal poé pinuh kunu meuli. Kamari, kabeneran boga rejeki, maksakeun asup.
“Mas, minta telornya, sama tahunya aja, tolong paké kuah opor ya?” ceuk kuring
“Siap Bos, gak paké gudeg ya?” témbalna bari muka kantong pelastik.

Kuring mikir, “Haseum moal nya, sapoé jeput ditinggalkeun gawé, kumaha engké wé ah” kabayang nikmatna engké peuting dahar jeung sangu panas.

Kérésék Opor di hijikeun jeung kérésék Cucuk lauk, boroeun si Jabrig.
Wanci mulang, katempo kérésék masih ngagantung. Dius kuring mangprétkeun motor, hayang geura nepi.

Si Jabrig nyampeurkeun, bari uang-eong ngaléndotan bitis, nepi ka hésé ngaléngkah”Sabar nya?” Ceuk Kuring bari ngangkat kérésék tina gantungan motor.
“Naha asa ngoléang?” gerentes haté, bari noong kérésék.
“ Gustiii..cucuk sakitu lobana, teu salambar-lambar acan” Kuring olohok ningali kérésék bolong.

“Ari Endog Opor mana?” heneg, mentegeg, nyesek kana dada.

KEMBANG JAMBU

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 09:10:20

Bari ngararasakeun angin beurang ngulisik, paneuteupna kana kembang jambu nu geus mimiti muguran. Muruluk lir ranggeuyan kanyaah. Nétélakeun waktu nu geus pinuh ku léngkah. Wiwilangan milangkala geus kaliwat, manéhna tetep getén nyeboran asih tanpa subaha. Pasinina puluh warsa jeung lalakon katalangsara, kaliwatan taya basa teu sugema.
Kacatet na implenganana nalika rék paturay. Usap deudeuh dina embun-embunan terus napak najan lawas. Niir asih ku harepan. Sugan jaga tepung deui dina mangsa angin geus simpé, tur kembang geus jadi buah. Sunatulloh.
Ranggeuyan kanyaah angger weuteuh, mirig kasono nu katunda, rék tepung rasa di buruan katrésna. Ngarangkén bukét kadeudeuh nu geus nyacas ngembang jambu.
Rap cipanonna diusap, teu perlu banjir cimata. Haténa geus yakin kana papastén nalika datang mangsa, horéng kabéh geus lastari.
Tangkal geus rungkad katut akarna. . . . *

( Minangka kado milangkala )

PEPELAKAN

Kénging Acil Kurniawan Al Isyhad
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 08:18:22

Wur! Binih céngék téh diawurkeun ka buruan. Kitu deui pamajikan, manéhna ngawurkeun binih bonténg. Sarua diburuan imah. Teu kudu nungguan lila, bonténg baronténgan, céngék teu kacampuran tiisna bonténg. Sanajan jeung pamajikan ari panén mah sewang-sewangan. Tapi ari geus diala mah, anggeur wéh dirujak dihakan kuduaan. Malahan, Mitoha gé ngahegak cireumbay milu ngasaan.

NGÉCÉ

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 08:17:23

“Kéhéd téh méré PR téh hésé!!” Dédén gégétrét.
“Dédén céngéng! Épés méér Béléké témpé! Léwéh wé léwéh!” Méméd ngécé.
“Méméd gé sédéng!” Dédén hésé éléh.
“Dédén pésék!”
“Méméd géblég!”
“Dédén krémpéng!”
“Méméd déléng!”
“Dédén bésér!
“Méméd TBC!”
“Dédén kémpréng, déngdék!”
“Dédén béléké ténggék!” Méméd néké.
“Méméd béléké lélé!” Dén néjéh.
“Dédén émbér bébék!” Méméd ngéprét.
“Méméd béléké kérésék! Géhéng!” Dédén ngégél.
Géréwék Éméh, tétéh téré Dédén: “Tréng…tréng….tréng…..Éh.Dédén! Méméd! Répéh… répéh!”

PEPELAKAN

Kénging Acil Kurniawan Al Isyhad
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 08:08:37

Wur! Binih céngék téh diawurkeun ka buruan. Kitu deui pamajikan, manéhna ngawurkeun binih bonténg. Sarua diburuan imah. Teu kudu nungguan lila, bonténg baronténgan, céngék teu kacampuran tiisna bonténg. Sanajan jeung pamajikan ari panén mah sewang-sewangan. Tapi ari geus diala mah, anggeur wéh dirujak dihakan kuduaan. Malahan, Mitoha gé ngahegak cireumbay milu ngasaan.

JATI DIRI

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 06:22:37

Naha aing kudu reueus? Kudu bungah? Atawa kudu ceurik? Absensi dibaca deui. Murid anyar kelas hiji.
Gidig ka kantor. Nyokot buku stambuk. Dibukaan. Kerung. Bingung. "Aéh geuningan budak sakampung. Lain batur, masih kénéh dulur!"
Létah beurat. Ukur calangap. Panon neuteup. Dipapay hiji-hiji. Rupa budak disidik-sidik. Tapi nyata lain ngimpi.
"Yu... Ném?" ngawani-wani nanya, paduli titatarajong. Curuk nunjuk budak pang sisina, ngabigeu. Pindah kanu gigireun, ngabetem. Jajaran hareup dipapay, kabéh gideug. "Kéla kéla naha bet kieu?" ngaran dina absén dipolototan sakali deui, "Robert, Erikson, Miyabi..."

KATALIAN JANGJI

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 05:58:29

Kuring nu teu mais teu meuleum, hayoh disabit-sabit. Disakompétdaunkeun. Antukna kaciwit kulit kabawa daging. Majar kuring buhaya darat. Mémang éta gé rumasa sok ka darat tapi pilakadar moyan bari na gé. Éh malah dipitenah.
“Mamah lapar!” Si Bungu nguliat hudang. “Ka dieu bageur! Urang ngala lauk. Bari ngadodoho sugan baé aya nu meuntas.” Budak nyampeurkeun. “Bosen ah! Lauk baé. Daging nu sanés atuh Mah!” Luwa-lewé ogoan. “His..! Tong kitu! Urang kudu narimakeun. Geus untung daging lauk gé komo batur mah ngadahar bangké! Atawa téga ngadahar daging baturna sorangan, kawas manusa.” Ngalelemu. “Mamah..! Tuh aya babi meuntas. Enggal urang tingker. Lumayan kanggo mumuluk!” Budak hariweusweus. “Teu kénging tambarakan bageur. Panan urang tos ikror!”

WATES KAHAYANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 02:46:50

Ningal nu janten garwa alum ngungun, Adirata ngarénghap eungap, asa dosa. Salila ngambah sagara rumah tangga asa taya tanda baca pikeun ngarandeg, ngajadikeun juwet riwayat rarabina, hontaleun kasungkeret ku wates kahayang, nu saukur kalangkang nu taya tapakna.

Deui-deui Adirata ngarénghap bari neuteup suremna bulan suremna béntang, inyana nyanghunjar lambar, leng ngahuleng, ngabigeu panjang bari dada dijejelan pananya, iraha aing bisa ngadongkang kahayang? Naha aing nu doraka ti indung bapa atawa mémang Radha nu hapa? Atawa teu dipercaya ku Hyang Wisésa?

Gumuruh pananya aral lebah dada nyiksa dirina, nu ngariak dina larana kahayang, congo implengan nganti-nganti tanpa jangji. Ungkara doa-doa nu natrat na lalangit rasa saukur ngagelarkeun carita-carita bagja ngayun ngambing jabang bayi.
“Duh…diri bet mikahayang nu pamohalan …, aing bet jiga nu mesék kalapa ku jara….” Gerendengna, dareuda.

GÉBÉTAN

Kénging Encep Muhammad Ayyash
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2013 00:15:18

Kurudung bodas mawa sieup kulitna nu héjo carulang. Awak lenjang éstuning matak deungdeuleueun kaum Adam. Gok, pasarandog di toko parfum. “Néng, mésér parfum naon?” Ceuk Dudung, ngawani-wani manéh, nanya ka ieu wanoja. “Ah, nu mirah wé, nu seungit malati geningan A” pokna, andalemi, bari ngisedkeun tiungna. “Néng, kénging kenalan ?” Dudung beuki wani waé.
“Nami abdi mah Wiwin. Punten nya A, saupamina aya niat saé, yu dongkap atuh ka bumi!” pokna bari ngajanggilek disusul ku ngadelék.
“Mangga Néng, kantenan wé atuh!” Dudung beuki daria, asa dibéré lolongkrang ku Wiwin.
“Hayu atuh A, sareng! Urang nepangan heula pun lanceuk!”
Néng Wiwin jeung Dudung duaan anjog di tempat pagawéan lanceuk Neng Wiwin. Hiji salon nu kawilang méwah. Karék gé di lawang panto. Wiwin geus dipapag ku balad-baladna nu carentil liwat saking. “Jééa..Diem-diem punya gébétan brondong. Kenalin dong ma ékeu!” pokna, bari jungulak-jangilek. Ningali kaayaan kitu. Less. Dudung kapiuhan.