Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Juni 2013 (40 Naskah)


NU JANJI, DI TUNGTUNG PANANJUNG

Kénging Tatang Supriadi Art
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 23:50:02

Tuh diditu. Ditungtung beulah ditu. Tunggul nu ngajentul ajeg. Batu layar kasebutna. Urang kungsi patali janji paiket asih. Heulang jeung kalong nu hiber ti jeroeun Pananjung. Mébér jangjang, lalayaran. Malidkeun rasa. Rasa nu ngajomantara lebah dada. “Akang, Enéng akan setia pada akang sampai kapanpun, walau maut menjemput Enéng.” Ceuk Anjeun harita. Rajawali panggih jeung pati. Pamayang jul-jol marulang. Aya nu keupat eundang boro-boro mikul manggul. Kalan-kalan parahu palid teuing ka mendi. Dibanting ombak nu ngagulung satangtung Pananjung. Pamayang mulang tinggal ngaran. Kapinis rabeng mawa béja. Monyét paburisat muru pucuk gunung. Pananjung kakepung. Sagara hanjat. Sérédét haté kabesét, cipanon nu nyangkaruk maseuhan foto Anjeun. Basa maca daftar korban. “ Nyai, janji urang geus kalerab sagara, ayeuna lebah batu nu sarua. Tutunggul jadi tetengger." Ceuk kuring bari neuteup anteng ka jomantara.

HASIL SAKOLA

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 23:38:43

Kang Suma jongjon lalajo tipi, biasa warta kriminalitas. Sababaraha warta kapintonkeun, di antarana pamaling motor jeung copét nu beungeutna geus teu mangrupa. Bonyok balas ditonjokkan tangtuna.

Inyana semu gegelenyuan, sakapeung kucem. Inget sababaraha taun katukang nalika motor anakna dipaling. Ari ngagelenyuna mah duméh kiwari geus kagantian mangtikel-tikel. Saukur motor mah copél, dalah mobil gé geus boga kana salosinna. Geus puguh imah sigrong mah.

Cunduk kana warta ngeunaan para koruptor. Kang Suma ngabandungan semu nu pogot naker. Kapintonkeun saurang lalaki nu keur ditalék ku wartawan. Lalaki nu kabaud kasus korupsi. Dangdananna nécis tur beungeutna mulus marahmay. Béda pisan jeung kaayaan pamaling motor téa.

"Duh untung aing disakolakeun rada luhur ku kolot. Jadi nanasiban teu kudu nepika babak belur diteunggeulan ku jalma réa." Gerentesna.

Di tipi, si lalaki nécis masih pogot ngalayanan pananya wartawan. Teu dipiceun sasieur jeung rupa Kang Suma, da mémang dirina.

BULUKAN

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 23:27:57

Jangjian ti kamari. Kacipta bakal cacap kasono. Isuk kénéh geus mandi ngaluis. Hayang katingali geulis hérang méncrang ngan teu maké bolénang.

Di-BBM, “Jam sabaraha angkat ti Cirebon?” “Jam sapuluh geulis”
Kaprak-keprek masak sasayagian jang manéhna, kabéh elmu masak diketrukkeun. Hayang katanggar bisa masak, andelan ngarah kapaké, sugan jeung sugan boa téh teuing jadi pisalakieun. Heuheu.

Itungan jarak Cirebon ka Bandung, kurang leuwih tilu jaman. Jam satu beurang hartina tepi.
Di-BBM, “Tos dugi mana?” “Duh, punten, kawagel. Teu aya travel énjing-énjing, ke tiasa mios jam tilu." Hareneg. “Oh, wios atuh, ati-ati wé di jalan.”

Jam opat di-BBM, “Dugi mana?” Lapur nepika jam genep euweuh jawaban. Beuki hareneg. Pasakan mimiti jiga nu ngarényohan. Loték jebi, asin jambal sihungan. Kurupuk imut ngenyé. Puaasss!!

Jam sapuluh peuting, BBM asup. “Sayang, capé pisan, teu tiasa kadinya, aya réréncangan ngangken kulem di bumina.
Seuneu, tanduk, tuluy barijil tina sirah. Bebengok nu dihérang-hérang katara bulukan.

MIHAPÉ KA HEULANG

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 22:31:54

Indung hayam bingung. Di mana nyumputkeun anak. Lembur témpatna nyiruruk remen kadatangan careuh jeung ganggarangan. Ngagalaksak. “Anak aing téh béntangna,” gerendeng indung hayam. Loba jago nu ngahelaran. “Embung mikeun anak ka sasama hayam! Buktina tetep beuki tai! Komo ka gangarangan jeung careuh, sarua bé jeung disébakeun. Narah aing mah!” cék indung hayam, laju ngangkat hp. “Buru ka dieu! Geus ngarumpul!” cék sora hayam bikang. “Kéheula budak euweuh nu maturan!” jawabna. “Bawa atuh ka dieu! Meungpeung loba jago nu garagah!” cék baturna ‘na telepon. “Ih, najan indungna hayam, narah teuing anak kuring kudu meunangkeun hayam deui mah!” nutup telepon. Ras inget ka heulang nu remen maling rérét ka anakna mun pareng tepung di pasampangan. “Enya?” nyéh imut. Geuntak ditelepon. Nu ditelepon giak nyanggupan. Dirina kiwari mah tenang ninggalkeun lembur. Samulangna ti panyabaan lain deui ngarénjagna. Anakna teu nyampak. “Nyai!” telepon ukur dijawab inghak anakna. Lep. Leungiteun raratan. Segruk indungna ceurik.

JODO

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 22:30:33

Aya bagja. Carita asih bisa ngabukti sanajan kudu ngaliwatan heula mangpirang jalan liliwatan nu pinuh ku jungkrang jeung péngkolan.
Masih atra na panineungan basa munggaran wawanohan jaman sakola di SMA, paamprok handapeun tangkal pineus nu daunna mayak ngadadamparan titincakan.
“Uihna kamana...?” sorana teu pati tatag.
“Ka Babakan....!” halon.
“Bilih badé sareng....sakantenan?” pinuh pangharepan.
“Wios ah, da badé sareng réréncangan...!” bari ngaléos, kabeneran rentang-rentang aya Farhan, kaka kelas anu imahna padeukeut pisan, jadi bisa milu balik kana motorna sakalian.
Atra, kumaha beubeungeutan manéhna harita. Teu kungsi panggih deui, nepika ditepungkeun ku babaturan sakelas basa kuliah tingkat tilu, anu ngahaja nganjang basa peré semésteran. Masih teu bisa kebat, carita asih kapegat ku jarak nu mungkas sagalana.
Aya jodo pakokolot, bet kabiruyungan ngadahup najan umur manjing tungtung, ngala bagja na umur sésa sanajan sakolépatan. Cacap kapanasaran, manéhna miang mawa kabagja ka kalanggengan, ninggalkeun sakeclak cimata nu kandeg bareng rénghap nu panungtungan. Pileuleuyan!

NU SIEUN KATEMPUHAN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 21:56:22

Unggal isuk-isuk Santi geus ngalangeu dina téras, ngadagoan Firdan nyampeur. Geus datang, bring indit ka sakola, sajajalan ngalobrol. Kalan-kalan silihcempad. Poé kamari Santi ngalelentuk, nu didagoan acan hol waé, kapaksa indit sorangan. Sajeroning leumpang, haténa galécok pinuh ku rasa kamelang. Anjog ka sakola, Santi hareneg. Kabéh babaturanana mélong ka Santi jeung tingkecewis. Sup ka jero kelas rék nunda kantong, Pa Oman upas di sakola ngageroan, Santi kudu ka ruang bépé. Barang sup. Gebeg! Di rohangan aya Ibu Bidan. "Pasti si Firdan nu ngalaporkeun!" gerentes haté Santi. "Ka dieu Ti! Sok nangakarak di dieu," ceuk Bu Bidan bari nunjuk korsi panjang. Teu talangké Santi ngagolér. Beuteung Santi dicabakan, dipencét-pencét. "Can karampa. Ngompol jig, wadahan kana ieu!" Bu Bidan ngasongkeun pelés. Hasilna positive. "Saha lalakina Ti?" ceuk Pa Guru. Santi ngarérétan kanu ngariung di ruang bépé. Treup panon paadu teuteup jeung Pa Dodo Guru olah raga.

SIDANG

Kénging Cece Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 21:29:59

Mun inget kana eta kajadian kuring seuri sorangan , nyaéta kajadian waktu sidang ujian skripsi,. Nunggu giliran kuring sabatur batur ngariung bari ngobrol, teu jauh ti panto rohangan sidang . Ngarah teu hésé maksud téh, upama di panggil. Sajeroning kitu panon teu leupas merhatikeun kanu bérés disidang rupa-rupa pamuluna téh aya nu alum, nu baeud, malah aya nu ramisak. “Wawan Karnawan!” cenah sora patugas manggil. Kuring muru ruangan bari ngarawél skripsi di gigireun.Uluk salam. Srog ka hareupan panguji ,manggut ngahormat. Sanggeus dititah diuk ku panguji . gék kuring diuk. Jajantung ratug ,haté tagiwur.Bismilah biwir ngagerenyem. ”Buka kaca 75” ceuk panguji. Kuring muka-kaca 75. ”coba jelaskeun téori nu di paké ku sadérék dina ieu panalungtikan. Kumaha patalina jeung obyék nu ditalungtik sadérék?” ceuk panguji tandes. Panon mapay kaca 75 ti luhur ka handap,ti handap ka luhur. Lebeng. Skripsi di tutup ditinggali judul jeung nu nyusunna. Deg, angen asa ditonjok. ”Punten Skripsina paliron” permios sakedap.Kuring kaluar ti ruang sidang. Dipapag ku singcakakakna babaturan

SAGIRITIL

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 21:18:13

Awak sampulur. Taranjang. Kuring ngahuleng, késang masih can tuus urut kuli, nyenangkeun nu keur saré tibra. Ras kalakuan diri, naha bet hirup ngalaman kieu?
Kapaksa ? Henteu, sabab tanaga mah rosa, masih sanggup mun seug jadi tukang béca ogé. Tapi, lah horéam. Gawé cape, ari hasilna ngan cukup hirup sapoé. Jauh panghasilanana jeung ayeuna. Sakali maturan saré tanteu jiga nu ayeuna keur ngagolér, cukup keur dahar sabulaneun, ditambah meuli baju, kaos gaul, udud, jeung bensin. Lamun saminggu ngalayanan tilu urang oge, dina sabulan bisa nyaruan gajiih kapala personalia pabrik.
Tapi haté leutik mah angger teu bisa dibobodo. Hirup nirca nu keur dijalankeun téh ngan saukur nyenangkeun lahiriyah wungkul. Mungguhing ari batin kacida kasiksana, bongan apal halal haram ti bubudak
Poe ieu kudu eureun. Haté panceg. Ka kamar mandi. Bulucun. Dipelong sakeudeung. Leungeun kénca nyekel tungtungna, leungeun katuhu nyepeng péso seukeut.
Deul..! Popotonganana dialungkeun kana jeuro klosét. Beureum, ngagirintil.

1 JUNI NU KURING OGE ANU ANJEUN ANU BIASANA URANG TEPUNG MAPAG LAYUNG MAYUNG NGALANGLAYUNG

Kénging Dado Tisna
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 20:01:19

hiji, dua, tilu Juni oge mangbulan-bulan engke kaitung taun urang bisa ngalenyepan jaman ngigelan wanci.
wanci anu jadi kalang keur urang kalang.
hiji Juni 2013.

kamari, tadi jeung janari urang nganteur sukma...

NU DIUK NA TROTOAR KOTA

Kénging Setiabudhi Budi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 19:40:20

Wanci geus reupreupan. Lampu-lampu kota mimiti tingkaretip. Manéhna tagen. Tetep diuk na trotoar kota. Teu kaganggu ku kekebul jeung haseup kenalpot kandaraan nu pasuliwer taya reureuhna. Taya saurang ogé nu maliré ka dirina.
Saabrulan barudak lalaki ngaliwat. “Barudak kadarieu.” “Mau apa, Kék?” Budak pangwantérna nyampeurkeun. “Aki rék ngadongéng?” “Dongéng apaan?”
“Dongéng Aki jeung bébéné Aki.”
“Males, ah…! Mendingan maén Pé-És.” Berebet lalumpatan muru ka hiji wangunan nu aya tulisan ‘PS2 & Game Online’. Meg aya nu neunggeul kana haténa. Rentang-rentang abrulan barudak awéwé ngadeukeutan. Nyéh seuri. Hanjakal barudak awéwé ogé teu maliré kana pangajakna. Maranéhanana leuwih resep pésbukan di warnét batan ngadéngékeun dongéng manéhanana
Manéhna susur-sasar kana buukna nu panjang barodas. Néangan pitak hadiah ti bébénéna baheula, nu teuing dimana ayeuna ngancikna. Sumangetna sok tuluy ngagedur deui lamun geus nyabak éta céda. Sumanget pikeun nyebarkeun lagénda dirina katut bébéna. Nu ayeuna geus pada mopohokeun.

COPÉT

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 19:09:54

Luak-lieuk. Leungeun jékét dicekelan sabeulah ku katuhu. Jiga jalma sidakep.
Leungeun kénca. Moncor handapeun jékét. Gagarayaman.
Kerewek..! Karasa aya nu geunyal. Beukah. Manjangan. Jadi teuas. Nu boga ngaharéwos. "Mundilepaskeun... Sia dibangsatkeun.."
"Kéla anan Aing kudu nyekelan nu kieu sopak.."
Breet..! Didudut satarikna.
"Geloo..! Siah. Bangsaat..! Tewaak..!"
Rob. Jelema. Copét pada ngagebugan.
Ceklék.. Leungeuna dibangkol ku pulisi.
Di sidang. Taya barang bukti. Saksi teu wani némbongkeun bukti.
Copét bébas.
Léos ka jamban. Gebeg.. Basa copét kahampangan. Barangna nyagak Patinggarantung. jadi dua.

CARITA TINA SÉSA LAYUNG

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 18:57:19

Pulas konéng kembang langit. Panon poé ngajak balik. Manuk-manuk nyimpen jangjang. Karaméan ngagero panyimpé. Angin leutik ngabéjakeun tiis.
Kembang kayas di buruan kapoékan. Sapoék harita! Basa kuring ngalungkeun kembang ka anjeun. "Mah, ieu kembang kumahakeun?" Anjeun nanya kanu jadi indung. "Pelakeun nyai sugan alus!" Indung anjeun ukur nendeun kecap Sugan...? Saminggu dua minggu, kembang kayas jadi beureum. "Cabut nyai ngéwa katingalina!" Ceuk indung anjeun dina hiji mangsa. Cilaka! Kembang paéh méméh usum.

KAYAKIN

Kénging Sandi Asli Sunda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 18:50:17

Aya nu nyikikik. Aya nu nyakakak. Aya nu ngagerem. Niupkeun hawa tiis. Les ngaleungit. Jalma barirat. Nu saurang cicing. "kuring leuwih mulia jeung pinunjul tibatan maranéh. Keur naon aing sieun". Simpé. Hawa jadi haneut.

JAMA'AH

Kénging Ida Nurulhuda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 17:30:50

“Ka nu badé ngiringan ngaos, ulah isin- isin. Teu aya istilah nu beunghar jeung nu teu gaduh. Sami, prah. Komo deui namina batur salembur mah, sadayana gé baraya,” ceuk Bu Haji basa ngawanohkeun majlis ta’lim pingpinanana. Sorana némbongkeun wibawa, soméah nakeranan. Nyi Iyam unggut- unggutan. Kayungyun tayohna mah ku Bu Haji. Beunghar banda, jembar pangarti. Nyaan masagi Bu Haji téh, gerentesna. Karérét Ceu Ojoh jeung Bi Asmah keur silitoél. Biwirna pating jarebi. Nyi Iyam saregep deui, ngabandungan Bu Haji nu ngagalindengkeun solawat, halimpu.

Pasosoré. Nyi Iyam jeung tatanggana keur ngadaraweung di buruan. Lar, Bu Haji ngaliwat. “Parunten,” cenah, saungkap peundeuy. Léngkahna dangah. Pasemon kuraweud hangseur, teu soméah cara mun keur mupuhuan pangajian di nu salametan. Panggih deui jeung Bu Haji di ondangan Pa Kuwu. Basa sasalaman, ukur nampanan saperluna. Kawas nu teu wawuh. Béda jeung ka Néng Haji Jamilah, pagabrug- gabrug bari tuluy galécok. Ceu Ojoh jeung Bi Asmah mingkin loba jama’ahna.

URANG LEMBUR KIWARI

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 17:08:23

Masih aya anu nyangka, cenah urang lembur teh jauh ka bedug, pohara dusunna. Ih, henteu ayeuna mah. Komo sabada budaya HP geus nerekab ka lembur mah, prah we kabiasaanana teh siga urang kota. Kaasup lamun rek dahar, ayeuna mah urang lembur ge tara jol-jol celebek, tapi motoan heula naon nu rek didahar, terus fotona dikirimkeun ka babaturanana. Atuh dahar teh teu kaur am, da jempol pakupis kudu malesan komen. Kaweruhna kana teknologi ge, kahade ulah dimomorekeun. Teu saperti neundeun duit, neundeun HP mah urang lembur ge tara aya anu diselapkeun dina jero kutang, da maranehna arapaleun yen di antara gunung jeung gunung mah sinyal teh pohara lemahna. Kitu deui pamudana, narunda HP teh sok dina saku calana we. Enya, maranehna ge arapaleun yen lamun HP diteundeun deukeut tower, tangtu sinyalna bakal alus. Matakna, ulah sok ngamomorekeun ka urang lembur kiwari.

NU MIANG TEU DATANG DEUI

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 17:01:46

Waktu nu terus ngurihit geus ngaganti poé. Runtuyan kecap nu marengan teu ieuh ngajadikeun diri jejeg panceg. Huruf nu ngajaggélék jadi kecap, kalimah, jeung wacana ngan ukur lalangse. Nyileuk niténan sakuriling bungking.

Nyingraykeun simbut. Kojéngkang muru ka cai. Byur, cai wudu ngumbah beungeut nepi ka réngsé. Byar, ngamparkeun sajadah. Cong shalat. Di luar hujan ngaririncik.
“Teu sudi kuring dicandung ku akang, mangga anteurkeun kuring ka lembur.”

Ngolébat mangsa genep taun ka tukang. Kalimah nu teu pernah kedal. Teu kungsi datang deui, sanggeus amitan seja nyiar kipayah di kota séjén. Sabab manéhna ngan ukur nitipkeun salambar surat talak sanggeus meunang gaganti kuring.
“Ema, naha teu ngagugahkeun. Euleuh kapolosan jam satengah opat geuning,” ceuk si bungsu, kabeurangan hudang.
“Masih aya waktos Eulis. Jug geura ka jamban.”

Ngotéktak lulurung kalbu, aya nu datang aya nu miang. Hirup aya jeung euweuh. Nu datang kapanggeran, antara kuring, si Cikal, jeung si Bungsu, tanpa manéhna, palias. ***

HUJAN

Kénging Edi SangWinduraja Rohaedi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 16:24:09

aduh nyai, iraha atuh garingna ? Jiga kieu waêmah aki teu sanggup, tambah lila, parabaneuna ogê pan tambah ngayah. Kêder aki mah nyai. Ceuk aki bari nepakan tarang. Kêder kumaha ath aki, apan aki nu saban peuting ngangajak wê ka nyai têh. Ai êk n0lak da bisi doraka, ai terus di layanan da nyai gê butuh. Tungtungnamah pan aki sorangan anu kêderna. Têmbal si nyai. Aihhh ai nyai, kumaha ceunah, mani lemot-lemot pisan. Lain êta nu dipimaksud teh, tapi ieu iraha ereuna hujan ? Apan bawang geuz wayah di pelakeun. Mun hujana angger waê, tangtuna matak lalodoh mun maksakeun melak ogê. Ooo kitu, tembal nyai bari olohok.

GENING

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 15:45:54

Dina hiji leuweung, jamaah ngalabring ngajugjug hiji patempatan ibadah; ngan lain di masjid, tapi dihiji palataran leuweung geledegan. Séwang-séwang katingal saruka bungah, hal éta tiasa katingal tina cahya paromana nu cahyaan. Tu kungsi lila, geusan kumpul, arinyana geuwat mentuk shaf.
Imam takbir.
Ukur kuring nu teu bisa ajeg mangsa imam takbir. Awak bangun endog atah nu ditangtungkeun. Golépak deui golépak deui, atuh loba tigedebutna, keur mah palataranana teu datar deuih patingkat-tingkat. Lieuk ka sisi ka gigir pada husu. Ukur uing nu teu husu.
“Kumaha ngadegna? Meni golépak deui golépak deui, jeung tikusruk deuih aingah ah, kotor wéh baju bodas téh! Ari teu ngadeg deuih kumaha, matak teu boga beungeut,” cékéng na jero haté.
Tungtungna ukur nyusutan cimata sapaparat batur sholat.
“Céng gugah cu, cuang sholat shubuh….” Halon sora nu teu bireuk deui; ema….
Pélétét. Belengéh kuring seuri.
“Gening ngimpi….” Cékéng dina ati.
“Énggal atuh cu, gugah….”
Nguliat, koréjat. Celepooot.

HARIANEUN

Kénging Lucky Bachtiar
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 14:43:03

Lamun teu meunang lotré, pimanaeun Kang Sarkam lugina kawas ayeuna. Kasab ukur satpam komplek, nya saméméhna mah cukup keur dahar gé geus untung. Kiwari robah kaayaan inyana, éstu ceuyah ku pakaya dunya.

"Eureun heula, pir. Kuring rék ngaroris nu digarawé, meungpeung kaliwatan." Ceuk Kang Sarkam. Supirna geus apal. Atuh reg mobil eureun dihareupeun hiji super market. Kalawan nyantéy dibarung ku béar budi, Kang Sarkam asup kadinya.

Nyi Ikoh, salah saurang pagawé super market nyampeurkeun. "Pa ieu pesenan hapé téa parantos sayagi. Langsung ku abdi dipasangan kartu, janten parantos siap dianggé."

"Cikan Bapa ningali. Cobaan sakalian manéh call kadieu !" Walon Kang Sarkam. Atuh song Nyi Ikoh mikeun hapé. Lain hapé murah-murah.

Hapé disada harus pisan. Kang Sarkam ngoréjat. Geuwat hapé diantelkeun kana ceulina.

"Moal salah deui, ilaing mah kasaréan nya. Geuwat kadieu, Bu Yesi ngirim dahareun keur urang." Kitu sora Kang Karja dina hapé.

Kang Sarkam lulungu. "Harianeun !" Gerentesna.

NGULIATNA JAJABANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 14:32:53

Teuteup nu ngalangkang na eunteung diri, léngkah anca bulan lumambrak mapay uwung-awang, sésélékét ka lebah sela-sela kiceupna béntang, galindeng doa meupeus gumuruhna karingrang. Salaksa kecap nu ngageubra lebah bayeungyangna waruga garba, mimiti nguliat dina ronghéapna napas Déwi Kunti Nalibrata, pucuk-pucuk waktu ngahiap-hiap nu rék gumelar ka alam caang jeung peteng.

Dalu kaguligah ngerepkeun ngusialna lambut, Sang Sudéwi muringis ipis, lung-leng, karaos asa lalanjung, asa napak asa henteu, asa gundam ku kabaal, parindikan asa néréptép panas, humarurung, les kapiuhan.

Batara Surya nu waspada kana paningal, rikat nyangkéh nu rék ngalahirkeun jajabang, bari teras dipangku laju diebogkeun. Amparan rasa terah batara ngalimba, dosa nu dipilampahna mancawura kasakujur ragana, rocopna ngahudang rasa rumasa tina sagala lampah salah.

“Hampura geulis…..” gerendeng Batara Surya dina soanten nu peura.

SEUNGITNA

Kénging Nandang Sofyan Priatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 13:22:11

Tanggal jeung bulanna mah sarua ngan poéna nu béda.Taun kamari poé saptu,taun ayeuna mah poé minggu.Jadi titimangsa nu munggaran ka ambeu seungitna mawar bodas di aréa parkir Asia Plaza lantai dua.
Tid ! sora plakson tina mobil nu karék asup.Tukang parkir gura-giru nyampeurkeun rék mernahkeun tempat.Sawatara nu aya dina jero mobil nu geus lila parkir ngorénjag tuluy ngulisik menderkeun tiung.
Seungitna mawar bodas kiwari mung saukur nasawangan.

GOTONG ROYONG

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 12:13:39

Poé minggu teu kamamana. Ngutek mérésan kembang di buruan. Nu geus jangkung tur ngarandakah dipapasan. Pot kembang ngabarak, hiji hiji diudulkeun taneuhna, diganti ku taneuh anyar, nang ngahaja ngala ti kebon awi. Lebar mangka kembang keur meujeuhna aralus.
Si cikal mantuan neundeunan deui pot nu geus diropéa, ngahaja neundeunna disusun apik. “Mah! Boléh bikin kolam kecil ngga?” Budak nanya. “Atuh kedah miwarang tukang Téh?” Témbal kuring. “Ngga usah nyuruh, Teteh yang bikin!” Ceuk si cikal semangat.
Jol bapana,”Urang mésér semén Téh, da keusik mah aya.” Bapana ngajak budak meuli semén.Bapa jeung anak jiga nu geus badami hayang nyieun babalongan di buruan. Teu lila der kerja bakti. Bapana maculan pibalongeun, nu ngaduk si tétéh dibantuan ku adina. Ukur opat jam bérés nyieun balong téh.
Tatangga hareupeun imah nyamperkeun, tuluy ngomong.”Rajin Bapa mah, éta ni téga, putra sageulis-geulis di piwarang ngaduk?” Bapana jeung kuring mesem bari silih rérét.

NYERI HUNTU

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 11:46:12

Nyanyautan, jejedudan, caréhamna bareuh. "Ya, Allah Nu Maha Asih. Entong lami-lami teuing masihan hukuman téh", manéhna ngadu'a bari nyu'uh dina kasur. Reup peureum bari ngararasakeun kanyeri nu pohara. Ingetanana kumalayang ka mangsa kamarina, ras inget kana dosana.
"Hina euy mun déwék kudu nyeri huntu mah", nyaritana sompral waktu néang sobatna nu keur guling gasahan bari nyepeng pipina nu bareuh. "Uuuh, hoblogh hia mah ka haing héh, hain hadu'aheun hiah!" sobatna ambek. Nu dicarékan ngadon ngahéhéh, nyeungseurikeun. Teu lila manéhna amitan, laju gagancangan muru imahna da ngarasa lapar. "Udin, nanaonan ari manéh ngadon ngadahar nu kitu?" indungna kagét waktu ningali manéhna keur cacaleuhakan di dapur.

DI WARUNG

Kénging Iim Nurhalimahari
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 11:35:20

Satadina ka warung teh rek nganjuk beas, geus teu boga duit pisan, salaki geus 2 poe can balik. Tapi di warung tingrariung keneh. Era pokna loba batur mah. Biasa ngadon ngarobrol heula. "Tadi mah di pasar aya nu dijambret. Tukang warung siga kuring. Cenah mah duit 500 rebu keur balanja lapur dibawa kabur." "Euweuh nu nganyahoankeun kitu?" "Puguh eta ge pada ngudag. Ku kuring ge katempo tukangna. Lalaki jangkung make kaos beureum. Lumpatna tarik pisan, teu katarewak, teuing kabur kamana." "Padahal mun beunang pasti beak dikarepuk." "Eta ge aya nu maledog ku batu. Beunang kana huluna. Ngan eta kuat, ukur tijolongjong, lumpat deui." Ah, sigana moal waka balubar ieu mah ibu-ibu teh. Balik heula we. Tamba era meuli uyah weh sagandu. Da duitna ngan sakitu-kituna. Nepi ka imah kasampak aya sendal salaki. Alhamdulillah, moal kudu nganjuk beas. Muka panto, "Kang, geus mulang?" Teu nembalan, kasampak salaki keur ngalempreh bari ngelapan getih nu baloboran tina sirah maseuhan kaos beureumna.

DI WARUNG

Kénging Iim Nurhalimahari
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 11:34:38

Satadina ka warung teh rek nganjuk beas, geus teu boga duit pisan, salaki geus 2 poe can balik. Tapi di warung tingrariung keneh. Era pokna loba batur mah. Biasa ngadon ngarobrol heula. "Tadi mah di pasar aya nu dijambret. Tukang warung siga kuring. Cenah mah duit 500 rebu keur balanja lapur dibawa kabur." "Euweuh nu nganyahoankeun kitu?" "Puguh eta ge pada ngudag. Ku kuring ge katempo tukangna. Lalaki jangkung make kaos beureum. Lumpatna tarik pisan, teu katarewak, teuing kabur kamana." "Padahal mun beunang pasti beak dikarepuk." "Eta ge aya nu maledog ku batu. Beunang kana huluna. Ngan eta kuat, ukur tijolongjong, lumpat deui." Ah, sigana moal waka balubar ieu mah ibu-ibu teh. Balik heula we. Tamba era meuli uyah weh sagandu. Da duitna ngan sakitu-kituna. Nepi ka imah kasampak aya sendal salaki. Alhamdulillah, moal kudu nganjuk beas. Muka panto, "Kang, geus mulang?" Teu nembalan, kasampak salaki keur ngalempreh bari ngelapan getih nu baloboran tina sirah maseuhan kaos beureumna.

HAAR

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 11:13:29

"Kumaha Ibu-ibu sareng Bapa-bapa parantos siap kanggo enjing teh?"Saur Bu Lina salaku pupuhu."Siap Bu, spanduk, poster tos siap. Supaya beunta pajabat teh, yen basa sunda kudu dimumule tur tetep diajarkeun di sakola."
"Halo Pah, Mamah masih di sekolah, pulang agak telat. Kalau lapar Papah ke MC atau ke KFC aja dulu."

OCÉS

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 11:11:10

Paralun, lain rék ngahina ciptaan Alloh. Pa Arya, dosén nu kasohor killer tur hirupna ékséntrik, ceuk basa légégna mah. Awakna jangkung. Bayuhyuh. Beuteung bureuteu. Bujur tenggéng. Lamun keur nerangkeun, leungeun katuhu nyepeng spidol, bari tutunjuk ka white board. Leungeun kénca nyepeng calana, bisi morosot tayohna mah. Disidik-sidik ti gigir, persis Romo Semar. Heuay mimiti ngagoda. Puguh teu resep mata kuliahna téh. Bang Midian, lanceuk angkatan, katingali tina kaca, ngaliwat. Manéhna ogé ningalieun. Nyaho kuring geus mimiti teu betah, manéhna ngarandeg. Ngagoda. Ngelélan. Kuring males. Dua jempol diasupkeun kana dua ceuli. Dalapan ramo dijérébébéngkeun deukeut palipis. Kénca-katuhu. Létah dielélkeun.
“Aduh!” Kuring ngajérété. Spidol gedé keuna kana tarang.
"Océs, siah!" Pak Arya kukulutus.

JUNI

Kénging Nacep Jamaludin
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 10:53:05

Wanci istirahat di Kantor Guru SD “Mewah” (mepet sisi sawah). “Sabaraha Pa ?”, cekeng teh ka Bendahara. “Sawelas juta limaratus duapuluh lima rebu”, cenah. Hek!! Asa aya nu nonjok kana hulu angeun. Asa aya nu ngabadug kana jajantung. Leng, bumi alam asa muir. Titingalian ranyay karoneng. Bentang sing gurilap di sabudeureun sirah. Hawar-hawar Bendahara ngajelaskeun, “Nu ieu tilas ngoperasi Si Ibu waktos kamari ngalahirkeun, nu ieu tilas registrasi putra Bapa, nu ieu tilas nambihan setoran motor sasih kamari, nu ieu tilas...”. Les we teu kareungeu deui tah caritaan Bendahara teh. Rarampayakan nahan awak, muru korsi tamu. Bleg ! Meubeutkeun bujur. Narawangan. Bank Jabar kakara dua taun. Koperasi kakara genep bulan. Kamana deui nya ?. Nepak tarang. Ngalenggak.

MANGSI ATI

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 09:51:14

Di basisir batu karang, raga nguniang
nuliskeun sajumlah kahayang.
Catetan reujeung catetan ngantay, antay-
antayan jadi hiji tulisan.
Tinulis ditulis ku mangsi ati, nembrak natrat
ngagurat dina geter-geterna duriat.
Rasa téh tara sulaya, tara linyok tara
bohong, tara daékeun ngabohongan.
Kabéh rasa milu nyakséni jeritna ati, rampés
rampak babarengan dina rasa anu
sawirahma.
Mungguh batin kiwari bet sok ceurik
balilihan sosoranganan. " Jungjunan.....!"
Bongan rasa dikukusut ku imut nu kantos
janten pangirut.
Pikir ngait, murilit meulit dina wujud anu
dipupusti.
Satangtungan wujud tangtung kagambar
dina implengan.
"Emhh...!" nyanding wening, asih tingtrim
ngentring dina hariringna batin.
Tineung lagu, nu dipitineung horéng keur
anteng ngumbar panineungan.

WAWALUN HIDEUNG

Kénging Carwin
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 09:50:42

Peuting ieu. Giliran ngaronda. Duaan jeung kang Uhé. Peuting simpé, taya sora jangkrik-jangkrik acan. Kolébat! Jalma ngan sakolébat, sup ka imah Nini Uti. Kapireng di jero imah aya nu gegerendeng. Panto muka deui. Kolébat! Les, jalma nu tadi leungit dilegleg ku poékna peuting. “Panasaran rék ditalungtik.” Cékéng. Keteyep, sup ka jero imahna. Kasampak nini Uti jeung incuna keur cacaleuhakan dahar sangu timbel, goréng hayam. “Saha jalma tadi nu datang ka dieu.” Cékéng téh.
“Henteu terang! Ngan éta jalma ngaku muslim, unggal peuting sok datang kadieu.” Témbalna halon.
“Naon maksudna sok remen datang peuting-peuting?” Cékéng.
“Rumasa panon nini lolong, awak geus réyod, éta jalma sok mawa dahareun, méré duit, méré obat keur incu nu keur gering, terus balik, teuing saha, teuing kamana.” Témbalna halon.
“Anéh. Boa-boa.” Cékéng. Silih pelong méh bareng jeung kang Uhé. Puriding, bulu punduk, carengkat lir sisir kawat. Belenyeng! Lumpat sataker kebek, teu sirikna notog-notog keun manéh.

NU DICULIK

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 09:48:31

Harga cikur nérékél, Tobri laksana mawa éwéna ka Taman Mini. Cita-cita Emah ti keur bébénéan, hayang tumpak karéta gantung nu meuntasan pulow sa-Indonesia téa. Tepi ka Taman Mini, laju baé nuju terminalna. Anéh, Emah endung bareng jeung Tobri salakina. Hayang sorangan. Ku cinta jeung nyaah, Tobri ngidinan. Haren baé nu aya. Laksana ngalaksanakeun kahayang éwéna.
Teu cukup saputeran. Tobri nanggoan tepi puteran ka tujuh. Les nundutan.
Aya Rahwana ngalayang di méga malang ngiwat Emah. Tobri ngagajleng, kalayang hiber, tumpak garuda, nyusul nu ngabelesat mawa éwéna. Rahwana marah. Ger galungan di jomantara. Langit pating geleger. Taman ajur kahémbos ajian Rahwana. Gep suku Emah kacawél. Ditegeran pageuh. Direwog tarik. Jeduk dipanték Rahwana. Leupas. Koléang ragag. Gejebur.
Balik sorangan. Tepi ka lembur pada nyangangang. Mitohana marah. Tobri ngahuleng, éwéna rawah-riwih balik dianteurkeun patugas kaamanan Taman Mini. Cikur nambru, nyaksian nu paséa.

BUCAT BISUL

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 09:05:42

Awakna paranas tiris. Singserenud. Gulinggasahan. Ketug jantungna balap jeung jam nu nangkod ‘na témbok. Ratug tutunggulan. Rét deui ka gerbang. Nyeri beuheung sosonggéteun. Nu dianti elat. Taya béwara. Manéhna kokotéténgan. Samarpolah. Tuluy babacaan sabisa-bisa. Kapapalérkeun sajongjongan. Jam tanganna noélan. Ngabéjaan geus wanci janari gedé. Nu dianti taya kelemengna. ‘Lost contact’.

Balébat sajorélat ngolébat. Ngiberan nu élat badarat, geus ngurunyung. Dibagéakeun. Dipapag. Tapi haté asa dipepeg. Mentegeg. Basa nénjo beungeut nu datang lir buek meunang nyetrum. Alum. Ngemu kahanjelu nu pohara bangetna. Can waka ditalék. Sinah reureuh saheulaaneun. Ngumpulkeun lelembutannana. Nu ngaranti manéhna hémpak di rohangan tunggu. Ngajaralubleg! Badis gaang katincak.

Acara dikawitan. Amplop nu dianti-anti dibagikeun. Dibuka lalaunan. Dipirit. Mingkin ratug tutunggulan basa kateguh hasilna. Sirahna nyanyautan basa manahna nanahan. Acara réngsé. Mulang rurusuhan. Wanci haneut moyan anjog di sakola. Aya nu ngudag. Panitia nyusulan. Nukeurkeun eusi amplop UN. Bréh eusina! Dumadakan nanah dina manah ngaburula sapada harita.

DINA LILIUH CINTA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 07:54:13

Cinta ka anjeun mah ngayas. Kumalayang. Ngondang rasa ngotrétkeun sajak. Ngareumbeuyan haroshos rosa, najan dina mongkléng peuting. Ngalahirkeun hahaneut mangsa ngecrek ngijih. Anjeun oge surti. Mairan ku galura tresna. Ngeukeupan cinta Zulaikha ka Yusup. Béda deui jeung ka anjeun. Nu mukakeun hakékat cinta. Rosana cinta dina tanggung jawab. Yén tresna urang lain sapoéeun. Mayeng, malah parat tepi kampung akhérat. Dina waktu-waktu mustari doa mustajab. Maké gerentes pangawulaan dumasar ibadah. Munjulkeun kalalakian kuring. Naha bisa dua rasa nu béda mawa kana katingtriman? Naha bisa tilu jelema dihijikeun dina jatukrami nu pageuh, répéh-rapih, sakinah mawadah warohmah?
“Kang, ieu candak kanggo Tétéh. Geuning minggu kamari basa kadieu, resepeun pisan.” Kuring nampanan wadah blackforést. Poé ieu giliran ka ditu.
“Mani raos kuéh téh. Sigana dijieun tina cinta munggaran ieu mah..” Si Tétéh imut.”Ké, rék ditelepon si Ayi, cuang heureuyan.” Kusiwel ngaluarkeun telepon. Uplek ngobrol. Sakapeung diselang saleuseurian. Karasa deudeuh si Tétéh jeung hurmatna si Ayi.

DI LEUWEUNG

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 06:21:52

Rébuan sato pating corowok hareupeun istana ngadémo pamingpinna sangkan turun. Pager dieundeuk-eundeuk bari ngarényohan pasukan hérder nu aya jeroeun pager. Gerbang dibadugan. Eundeur. Ngeundeurkeun korsi tempat Singa diuk ngajalankeun kakawasaan. Singa amarah. “Usir tah nu ngomongna piteukahartieun téh.” Singa maréntah pasukan hérder nu ngajaga kaamanan Istana. “Turun kamu! Saya tembak.” Salah saurang hérder ngagogogan nu darémo nu keur ngeundeuk-ngeundeuk pager. Tonggoy. Dor-dor pasukan herder téh némbakkeun pélor puput cimata. Nu démo onghék-onghékan, gigisik nahan peurih. Kucar-kacir. Teu lila baralik deui. Batu jeung paneunggeul geus disiapkeun. Pasukan hérder ngabréngbréng nyieun pager hirup. Leungeun kénca nyekel taméng , leungeun katuhu nyekel pentungan. Nyoléndang bedil. Belewer-belewer pasukan hérder dibalédogan. Taméng diangkat nahan hujan batu. Deregdeg pager téh maju saratus léngkah. Nu démo suda kasieun. Maju. Ngayonan. Ratusan pasukan hérder jeung rébuan nu démo pahareup-hareup. Campuh. Korban patulayah.
Teu lila, Singa kolot-Sénapati Soméah-ngabéwarakeun langsung : “Kuring ti poé ieu mundur sabagé raja.”

PANDAN

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 05:39:21

Subuh can manjing waktuna. Ngalantung di buruan. Tingtrim. Angin ngagilisir kana puhu ceuli. Seungit daun pandan melengseng. Nyambuang ka sapakarangan. Panasaran. Dideukeutan. Ditaruk sacongo daun ngorana. Diangseuan. Enya, seungit daun pandan. Ti beurang mah tara kapaliré. Teu kaangseu seungitna. Teu katolih ayana. Kasilih mangpirang polusi kota. Polusi sora, polusi udara, pagaliwota jeung sesekna patali marga kota. Silihudag nyiar pangabutuh nu teu kungsi suda. Karék katangén ayeuna. Aya seungit pandan di pakarangan. Ngabagéakeun nu tingkurumuy muru subuh ka mushola.

S A T I A

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 04:43:55

Léngkah pangharepan anjog di basisir panineungan, karaos aya rasa nu neuteup seukeut alah batan congo balati neuhak kana mamarasna. Nyésakeun gudawang manah peurih taya papadana, harita jaman keur ngora pegat katresna di basisir Batu Hiu. Masih émut meulit ogona panangan anu sampulur ogé seungitna salira, matak ngapung lelembutan, dunya istuning milik duaan. Silih ocon silih gonjak teu weléh imut ngagelenyu bari neuteup pinuh kaasih. Hanjakal anjeun maksa ngadon ngojay pasosonten di basisir larangan alatan panasaran tur hareudang bati ameng paduduaan. Kawitna mah ngojay disisi basisir téh meuni endah silih simbreuh katresna silih gonjak ku pangrasa. Mung geuning sagara aya mangsana galak kacida, metot anjeun tilem saharita, tug dugika ayeuna layon teu kapendak sapertos alim dipulasara. Ti harita dunya runtuh langit haté teu mangrupa, huleng jentul gering nangtung ngalanglayung nungguan salira. Ayeuna taun kaduapuluh kuring nungguan deui, didieu dibasisir nu baheula, susuganan salira hanjat tina sagara.

KEDALNA KANYAAH

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 01:59:50

Déwi Kunti ngusap lambut bari neuteup Batara Surya nu sami neuteup pinuh karumasa. Luk sami-sami tungkul. Sang Sudéwi ngarénghap bari ngararaoskeun si utun inji gugurinjalan na alam wewetengannana.

“Anaking, didieu hidep ngageubra pikeun mapag caangna jagat nu dipulas ku rupa-rupa warna….” Gerentes Déwi Kunti bari ngusapan patuangannana. “hidep nu dibungkus ku sukma sinareng rénghap napas nu ngakandung, ngamalir getih nu ngayuga nu ngintel dina hiji rasa, ibu nu jadi régang, hidep nu jadi kuncupna kembang, muga tumuwuh dina nguliatna raga kanyaah….”

Karaos lambutna sapertos aya nu gugurinjalan, lir ngawelang-welang wewetengannana, mangpirang-pirang karingrang ngambah galura rasa.

“Duh, Nu Maha Agung…., mung ka Anjeun jisim sumerah pasrah….” Batinna ngajerit ka Hyang Widi, marengan cisoca manglaksa katugenah maseuhan dada.

LALAMPAHAN DI TAIFEH

Kénging Rukmana Ranudiana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 01:20:21

Kuring ngan bati olohok, panggih jeung saurang lalaki make kacapanon hideung. Teu arek olohok kumaha da manehna ujug-ujug ngomong kieu: "Hayuaah...cie cing na lianghong, tongku ciway. Hausyeu...Ci cianpo cie tayapo ciete...kuo sengwey. Hay yungo...jay nacay cileyun cang. Tuo luy meyu liecing cauw. Ayja...gong cie fa cay!" Tambah kaget, da deuih taktak kuring ditepak ku manehnna. Pok kuring nanya:"Who are you?" Dedegannana kulit koneng. Kuring kagget deui, manehna ngadadak nyarita Basa Sunda:" Naha eum, poho ka dewek? Apan dewek teh batur ulin maneh nu sok bareng lalajo di bioskop Taman Hiburan Baru di Cicadas tea". Kituna teh bari ngalaan kacapanon hideung. Kuring ngagakgak seuri ngeunah, singhoreng eta lalaki teh Si Oded alias Deddy. Kulantaran pada bungah bisa panggih di Taifeh, kota di Taiwan, manehna ngajak dahar di restoran. "Geus lila dewek mah di Taiwan teh, jadi atoh panggih jeung maneh", Si Odek muka obrolan deui. "Ded, ari kitu mah atuh geus bisa ngomong Basa China, nya?" Manehna gideug:"Teu, tapi make Basa Inggris". Derekdek Si Oded nyaritakeun pangalaman bareto basa ulin di pabrik hong, terus hujan nya kapaksa ngiuhan jeung kuring di jero hong nu ngagoler. Harita terus banjir cileuncang. "Yeuh, Usep...inget keneh basa ulin na liang hong?" Ceuk Si Oded teh bari nepak deui kana taktak kuring. Teu kuat nahan seuri, kuring eureun heula dahar teh. Inget deui ayeuna mah, yen kungsi kahujanan basa ngiuhan na liang hong teh. Harita Si Oded ngomong kieu:"Hayu ah, cicing na liang hong. Tong kuciwa...Haus yeuh? Cician poci, taya poci teko seng we. Hayu ngojay na cileuncang. Tuluy meuli cingcaw...aya jagong sisi pecay".

CARITA LAYAR KACA

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 00:22:54

Bujang. Ngabujang. Bubujang. Bujangan. Éta pilihan. Moal kagoda. Satia nganti nu kungsi mernah na manah. "Kieu geuningan lalakon téh!"
Gigisik. Nyaliksik mangsa nu kaliwat. "Naha pédah pulah pilih néang nu leuwih?" Agnes kari carita. Marshanda aya nu mawa. Syahrini ngadon dinyenyeri.
"Lain sombong, Kuring sono ka si Unyil !"

DURIAT

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2013 00:10:15

Lebah parapatan ieu kuring ngajungkiring, sabab pasini enggeus ngajadi. Sok sanajan haté kebek marojéngja, kuring tigin kana jangji henteu hayang sulaya.
Dina mangsa peuting nu teu weleh peteng pon beurang nu ngarangrangan, anjeun ngaharéwos semu haroshos, "Kuring bogoh ka anjeun!" dibarung séahna angin, guludug pating jelegér. Ngawirahma jeung ratugna jajantung, kuring ngajanteng ngaraga meneng.
Lebah parapatan ieu kuring nungguan anjeun, sok sanajan panas ngarangsadan awak. cimata awor jeung budalna cai hujan.
"Kuring bogoh ka anjeun....!", ceuk kuring ngagorowok handaruan, meulah peuting nu simpé, ngungkulan guludug nu beuki rosa.
Tapi anjeun teu maliré.