Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Kalénder Fikmin • 31 Méi 2013 (54 Naskah)


NÉANGAN PAMEDAL BUKU

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 23:55:27

“Kajeun tunggul dirarud, catang dirumpak gé!” Manéhna teu laju nulis éta laporan, tuluy didélét. Ungkara jeung kalimat diwewejét. Kitu deui catetan harian. Nu nyaritakeun dirina bisa minda rupa; sakapeung jadi hayam, éntog, ajag, monyét, beurit katut ucing. Kajaba catetan nu aralus turta pikayungyuneun. Bohong jeungka teu jujuran minangka émbohna. Dipaké masieup kamunapikan. Suruput nginum cai kopi. Sut nyeungeut roko. Mopohokeun kajadian nu kaliwat. Mupusan lalakon bihari. Laju mukaan buku, bisi aya catetan goréng kaselap-selap. Goréhél kapanggih. Geuntak disosoéh, gur diduruk dina wadah runtah. Sakapeung sok culang-cileung. Sieun aya nu nangénan. Plak! Aya nu nepak tarang. Solongkrong nu mikeun buku ti kénca. “Ieu nu dipikasieun téh!” Ditampanan. Bray dibuka. Lenyap. Reuwas kareureuhnakeun. Kagoréngan nu teu niat dituliskeun, écés. Taliti euweuh nu kaliwat. Beuki ngadédgdég. Keueung. Lung kana dirukan. Belenyeh seuri. “Ieu nu dipikasieun téh!” geus song deui buku nu sarua. Manéhna ngayekyek. Lacak teu bisa dipupus. “Saha nu medalkeun?” kerung.

OPORTUNIS

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 23:54:56

"Hayang euceu gé nulis fikmin, ngan geuning teu babari nya." Ceuk Ceu Tuti bari jongjon ngusapan ucing kameumeutna.

"Kudu sering macaan karya batur heula sigana, Ceu. Sugan lila-lila resep. Tina resep jadi wani nulis. Su'al kualitét mah da nuturkeun. Jeungna deui tangtu aya nu ngawarah tinu geus moyan." Jang Dudung mairan.

"Nyaéta ari resep mah enggeus. Ngan kawani rumasa can aya. Kitulah, da béda meureun nulis fikmin jeung ngawangkong langsung siga kieu mah. Nya saheulaanan keun wé Euceu mah ukur jadi pamaca." Walon Ceu Tuti.

Kusiwel Jang Dudung ngaluarkeun hénpon, sigana mah rék onlén. Di kamar Nyi Neni ngagelenyu. Paguneman indung jeung emangna geuwat dijieun fikmin.

SAE'FI ANGIN

Kénging Jamparing Langit
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 23:24:19

" emh, geus katepi geningan ajian sae'fi angin nu ku kuring diemat teh. Buktina karek ge pes hitut seungitna geus kaambeu nepi sakitu jauhna!" gerentes hate kang Ujang bari ninggali jelema tingbarurisat di jero imah.

NGANTI-NGANTI HASIL UN

Kénging Ariya Karaba
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 23:00:00

Disms teu dibales, ditelepon teu diangkat, diinbox teu dibuka. Kumalayang hate jadi goreng sangka. Dipapalerkeun ku gapleh. Seuri koneng. Satengahing rada kapopohokeun, torojol sms. Pondok tapi eces.

“Alhamdulillah lulus 100%”

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe.

HALTEU

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 22:15:09

Mandeg mayong. Jalan nu disorang mawa léngkahna ka hiji tempat anu jadi pamustungan tina rasa panasaran nu ngarobéda lelembutan.
Rajegna umbul-umbul kékélébétan katebak héasna angin saar tur matak baringsang, paselang jeung paragpagna poster katut baligo di sapaparat jalan nu kaliwatan. Panonna rurat-rérét nengetan tiap réngkak anu lalar liwat diantara ngarangkadakna tangkal akasia sisi jalan, iuh paselang jeung tangkal kérsén nu nguyupuk mayungan.
Paneuteupna anjog ka nu tonggoy nonggongan, dedegan sembada disaragam tentara. Aya nu tutunggulan jeroning dadana, kalangkang mangpirang taun ka tukang nu pating kolébat ngaléléwaan. Enya, palebah dinya pisan manéhna diuk nungguan sakadar nepikeun béja yén geus katarima jadi taruna. Hiji awal anu mungkas léngkah babarengan geusan nyorang jalan séwang-séwangan.
Waktu misahkeun sakitu lilana, rasa nu kungsi disidem na angen-angen mimiti ngagalura neumbagan. Kedal mangrupa geterna sora marengan paneuteup nu beueus ku cimata.
Hanjakal, harepan dirangsadan kanyataan yén mangsa lalagasan enggeus lekasan, carita asih geus jadi milik nu lian.

CUNDUK WAKTU NINGGANG MANGSA

Kénging Liezbella Swanzen
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 22:14:03

Nu lungkawing matak lewang panineungan. Bau amis mokla makalangan, jadi pulas kahariwang. Awak ngaraga meneng. Cunduk waktu ninggang mangsa. Aya simponi ngalagena, 'fur Elise' mangrupa kembang tujuh rupa. Mawa lelembutan ngawang-ngawang, ngaliwatan rupa-rupa sajarah. Ukur seuri maur, barang gok ka hiji mangsa. Pinuh ku sumiratna panon poé nu ngintip dina sela-sela méga dibeulah wétan. Nyampak dua kalangkang ngahiji silih rangkul. Ngaitkeun kasono. Jeung hawa maluguran lir cika-cika dina warna katumbiri. Teu maliré nu nyuruwuk mawa tatit. Lain wayah. Meulah kalangkang. Cipanon ukur muntang ka cihujan. Nu mawa ka mangsa lianna. Ngoléang ka hiji rohangan, bodas. Molongpong. Tanpa wates. Cunduk waktu ninggang mangsa. Angin marengan awak nu ragrag ka lamping nu lungkawing. Gugupay ka langit. Ngeukeupan kembang tujuh rupa. Bau amis mokla makalangan.

GULIGAH

Kénging Taufiq Maulana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 22:11:24

Peuting beuki ngagayuh. Ci ibun mimiti turun. Lain deui keur diri kuring mah, peuting teh asa bayeungyang. Pipikiran kumareumbing. Ngacacang nyipta rupa tur sorana. "Kang, abah teu ngawidian hubungan urang".
Mangkukna manehna nyarita. Kuring ngajengjen basa tadi dirapalan. Malati ditigas deungeun.

TANEUH SUCI

Kénging Ratna Ning
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 21:29:10

Nu keur ngabangingik ukur diteuteup. Ema jeung ki adi, elah-elih bari ngadadarkeun carita.
"Lahuta tuda si Hendi mah. Adi maneh ge saruana. Hirup luhur pamakanan. Teu ngukur ka kujur. Kieu tah balukarna sagala dirempak. Ayeuna pakaya kabeh disita. Sawah, kebon, mobil, geus kerid. Tuluy iyeu imah, eneeengg..enya ge sigrongna meunang adi maneh, tapi pan taneuhna mah taneuh karuhun ema, titinggal bapa maneh. Piraku rek milu kagerus mah. Ema mah teu ridooooo...Tulungan ema, neng. Piraku ema, si nyai jeung budak-budakna rek nyangkeroh di emperan mah. Geus karuhan, si Hendi nyangkeroh di pangberokan!" Ema norolang dina sela-sela ceurikna. Ret ka ki adi nu nginghak bari ngeluk. Ti sabarang datang ge tungkul wae bangun nu era. Breh sagala panghinaannana ka manehna. Meuni calutak campelak. Pajar teu sudi boga lanceuk tukang rerebut salaki batur. Euweuh turunan. Tapi manehna sangsara saanak-anak, boro ka nulungan. Kang Haji nu ha'at. Ngajait kanyeri kapeurihna. Najan didua. Hadena teh ceu hajah aya ku soleh daek ngarawu maru jadi kulawarga. Manehna teu nyangsikeun karidoan maruna.
Ayeuna, nu jadi adi teh keur keuna ku pati. Dunya barana nu sakitu bru bro teh disita da hasil korupsi salakina. Inget sagala kacampelakna asa teu hayang nulungan. Tapi ningali ema jeung budak-budak adina,.leketey hatena leuleus.
Cengkat ka kamar. Muka laci lomari. Ngaluarkeun gepokan duit nu salila iyeu digugunduk keur ka taneuh suci. Ngahuleng sakeudeung. Ahh..can waktuna meureun. Indung jeung adina leuwih penting.
Cep ti'is hatena. Sagundukan taneuh beureum geus dipisahkeun tina hihideung.dengdem. Suci ati welas asih. Manehna geus ngagenggem taneuh sucina, najan teu tulus nyaba.
***

SALÉ

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 20:06:13

“Can eureun Si Ujang téh ngompolna Nyi?” ceuk Téh Encum, ningali Nyi Kokom keur moé Kasur jibrug ku ompol.
“Nya kitu téa Téh, Kokom gé geus bosen unggal isuk kudu moé Kasur. Komo lamun keur usum hujan. Aduuuh, Kasur can garing kapaksa disaréan, éééh, peutingna geus diompolan deui!”
“Si Asép ogé tadina mah kitu, tos dicandak ka Dokter, tos dicandak kamamana, anggeur waé teu cageur. Tapi tisaprak dipasihan terang landong ku Ma Érot, alhamdulillah eureun Si Asép mah!”
“Naha naon kitu landong ti Ma Érot téh, Téh Encum?” témbal Nyi Kokom
“Teu mahal obatna mah, ukur Cau Asak dikécapan, dituang unggal isuk dua siki. Sok geura cobian!”
Isuk-isuk méméh indit sakola Si Ujang ningali Cau hideung dina piring, tuluy nanya ka Indungna.
“Ma ieu Salé kanggo Ujang?”
“Hisss, sanés Salé, éta mah landong kanggo Bapa. Ujang mah sarapan Bubur Ayam wéh di Sakola nya!”

SALAH NYETEL

Kénging Samo Sutardi
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:57:53

Srog manéhna nyodorkeun ransel jeung sandal ka tempat panitipan barang nu aya di émpér masjid. Kartu titipan kumanehna disakuan sanggeus diilikan angka 13. Bubar jumaahan manéhna nyampeurkeun tempat panitipan, ngasongkeun kartu narima ransel jeung sandal bari te weléh mikir “Keun ke rék di bénérkeun diimah” pikirna. Balik leumpang meuntas alun alun anu suwung da teu mawa tutumpakan.

Geleger sorana eundeur handaruan, awakna paburisat getih, daging, jeroan busrat basrét nebar dina jukut ditengah alun alun. Sirahna nanceb dina tungtung tihang bandera.

Nyetel “timer” kaleuwihan sajam

SAPIRING KU DUAAN

Kénging Carwin
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:53:53

Kurubuk sora beuteung, geus ménta dieusi. Alatan isuk-isuk tadi ngan ukur kaasupan awug jeung hui. Sup, ka réstoran, parasmanan. Nu rék dahar ngantay. Ngadadak nyingray. Ronghéap dua awéwé karuleuheu. Ngilu antri, reg, tukangeun kuring. Hiek bau hapeuk nonjok irung. Sakabéh panon pangeusi réstoran mencrong ka maranéhna. “Mangga ka payun.” Kuring ngoléséd méré jalan. “Hatur nuhun.” Sorot panon jeung émutna seukeut lir pedang nubles jajantung. Giliran dua awéwé. Gep, piring, sup, sangu bodas ditindihan perkedél hiji. Song, duit kertas rébuan. Lalecek. Pelayan asa-asa narima. Léos dua awéwé, muru méja kosong. Huapna rusuh bangun nu lapar. Bru! Bru! Kuring neteg eusi piring. Pinuh sagala aya. Gura-giru muru méja dua awéwé. Piring mentung diasongkeun. “Béakeun ieu dahareun, rejeki pikeun anjeun duaan, cing wareg. Di luhur, Gusti Alloh jeung malaikat saéstuna nyakséni ka anjeun duaan.” Luk tungkul, biwirna ngageter nahan ceurik. Cipanonna ngalémbéréh maseuhan pipi.

TEU WASA

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:51:37

Ngan sapoe Ardi digawe teh. Loba nu nganahakeun tur nanyakeun naon sabab make eureun digawe nu karek asup pisan.
Harita karek nepi di gerbang hiji sakola nu ditujuna. Teu kampeu cipanon murubut teu bisa ditahan-tahan. Ras ka indung ka bapa, nu bati cumalimba teu bisa pameulikeun buku paket,waktu manehna keur sakola. Kiwari manehna sorangan nu kudu maksa miruksa ka guru-guru supaya meuli buku paket jeung LKS ti manehna.

CLUB-CLEB

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:30:40

Bapa anyar. Téré ngarana. Sagala kanyaah ema tomplok ka inyana. Ti harita kuring mineng adian. Nyorang ka hiji mangsa, watek téré émbohan dina sagalana. Ema pageuh-kuring ka sieuh. Lunta néang nu jadi bapa. Tepung-teu majar kumaha. Lunta kadua kalina; teuing ka mana.
Sapanjang jalan, sendal capit nu dipaké ku kuring ditatawarkeun, sugan jeung sugan aya nu daék meuli. Teu burung payu. Nuhuuun… cekéng singket.
“Bu sabaraha sangu konéng téh?”
“Dua lima,” pokna singket bari teu ngarérét-rérét acan.
Ngahuleng. Indit bari mawa ati nu rawik.
Dampal geus teu puguh rasa.
Sora sirineu raéng.
“Mari saudara ikut saya”
Kuring unggeuk, nyah manéhna seuri.
Unggal jalan nu kaliwatan ngagupayan. Sakapeung ema ngalangkang tina héabna jalan aspal nu di pentrang srangéngé.
“Tau siapa saya?” tanyana bari teu lepas neuteup.
Kuring ngeluk-unggeuk.
“Polisi”. Cekéng datar.
“Saya bukan polisi! Saya ayah kamu Bam!”
Belengéh kuring seuri, mangsa lalajo sinétron nu keur di lalajoanan. Barabay cimata.

NYAMPAKKEUN

Kénging Rini Mayasari
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:25:34

Candle light dinner, Geus siap di ruang tengah. Sapoé jéput ngamanjakeun awak di-spa. Kuring hayang nyugémakeun salaki, nu geus sabulan teu neang datang. Drés bungur lawon satén nerap na awak. Parfum sarébu bunga disemprotkeun. "Satengah jam deui Papap dugi , Mah." Télépon ti salaki limalas menit kaliwat. Sepré bodas disampakkeun. Rég, mobil eureun hareupeun imah. Nu datang dipapag ku imut. Cipika- cipiki. "Badé tuang heula Pap?" Kuring nawaran. "Moal Mah, hoyong istirahat heula ah. Capé!" Leungeunna beuki pageuh nyangkéh cangkéng Kuring. Kasono beuki bédah. Salambar-salambar buku kamasutra rék diudulkeun. Géréntés haté. Tilu kali és- ém- és nirilik kana hapé salaki. Teu iyeuh dipaliré. Di susul ku sora telépon. Teu diangkat. SMS nirilik deui. Dibuka bari rumahuh. "Mah, Papap uih deui ayeuna. Ibuna Kaka anfal, tos lebét ICU." Bari nyium tarang, tuluy indit ninggalkeun.

POÉ JUMAAHAN

Kénging Dodi Rohyadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:22:41

Poé jumaah. Keur lalajo TV jeung pamajikan. Tara ti sasari, bet hayang ka masigit.
“Kamana kang?”
“Mandi. deuk jumaahan. ”
“Sinarieun.”
Teu ditémbalan. Brus dianggir. Bérés mandi, muru kamar. Rap disarung jeung dikoko. Pamajikan geus euweuh. Teuing kamana. Bray muka panto ka luar. Karék saléngkah, ngarandeg. Poho, kopéah.

Di masigit. Diuk panghareupna. Di sisi, béh juru. Babacaan sabisa-bisa. Rumasa, keur leutik, diajar ngaji loba élégna. Hotib naék kana mimbar. Aki-aki. Sorana ngagerenyem. Matak tunduh. Asa manghanjakalkeun. Tapi, keun waélah. Kapalang niat. Lima menit ngadéngékeun, lenyap.
“Hudang!”
Aya nu nyentak. Dedegan jangkung leutik. Maké kamprét. Godégan. Molotot.
“Sa.. saha…?” ngawawani manéh.
“Montong loba nanya. Ngilu!” bari ngajeuwang. Make tanaga nu rosa. Beledag! Sirah didagorkeun. Korejat. Beunta. Luak-lieuk. Hotib ceramah kénéh. “Alhamdulillah….”
Teu lila, ngong komat. Tuluy solat. Awéh salam, rék langsung balik. Barang ngalieuk, awak ngeleper. Ngésang tiis. Pias. Ningali jamaah jlung- jleng tina téras masigit. Tinggeleber, ngarapung.

DAK!

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:19:26

Nyungsi kapeutingkeun. Kereteg ngeundeuk-ngeundeuk ti koro tepi ka napas karasa semu panas jeung geugeutaheun; sedeng awak pating sariak. Hayang ngahaleuang hanjakal lain-laina. Sadar laju istigfar teu kendat tuluy dideres dina sajeroning sukma. Sirah ngabeuratan lir nyuhun batu.
Sora-sora haralimpu kiwari manggung dina dadanguan. Geuwat sila tutug. Napas ditarik.
Sajeroning kitu, lelembutan ngaléos lumpat nepungan Suijah nu keur ngadurukan dina parukuyan.
“Suijah! Dak!” leos.
“Alhamdulillah, lahaula wala kuwata ila bilah….” Cekéng bari ngusap paroman.
Napas hampang. Isukna Suijah balaka ka komplotana, majar manéhna ngajengkang tepi ka teu inget di bumi alam.
Ti kajauhna, matana mendeléngan neuteup seukeut ka kuring nu keur metikan érmawar. Teu pati dirérét iwal ku juru panon. Biwirna maju bari rérénghos. Demi rénghosna, karanjang eusi kembang disimpen heula. Jung nyampeurkeun Suijah. Matana geuwat digilirkeun kasisi lain. Rénghapna beuki kerep. Getihna ngaguruh lir ombak lambak.
“Teu ngahaja ngupingkeun, meni hawatos, kumaha damang….” Cekéng.
Dorokdok, gubrag. Tangkal kai runtuh.

NU MULANG DEUI

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 19:14:58

Sapuluh taun diléob dina seuneu naraka. Alatan di dunya lamokot dosa. Berkah sabada meunang grasi. Hukuman saumur paéh, disingget. Nyeuseup deui dunya. Bray caang mangka caang. Marcapada narawangan. Leumpang satapak-satapak dina lolongkrang ruhak, nuju ka luar gapura naraka. Panasna seuneu teu karasa ngahéab, basa ngaliwat tihang gapura. Gapura nu ti jero katempo ngabebela, janggélék jadi tangkal nu liuh. Linduh. Luareun gapura salin jinis. Jadi tuturus. Tangkal-tangkal kasarumahan dangdaunan. Leubeut. Ngarandakah. Hiliwirna angin nyecep satulang sandi. Nembus kana lelembutan. “Teu pira euy, geuning ngan sakieu panasna. Ceuk saha naraka bakal nyiksa manusa nu loba dosa? Ieu aing teu sakara-kara geuning bisa ka luar ti dieu. Bébas! Aing bébas tina naraka!” Ceuceuleuweungan. Ngalieuk ka tukang. Seuneu ngabebela. Kancah naraka ditalapung. Nangkub. Silalatu haliber, siga rébuan cika-cika digebahkeun. Ranté nu ngarangkét sapangeusi naraka diudaran. Naraka tinggal ruhayna. Pada naringgalkeun. “Bébas! Kabéh bébas!” Séah. Kabéh tingberetek. Nuju ka dieu.

WEWETENGAN KUNTI NALIBRATA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 17:55:11

Kagulisah nu awor dina tagiwur jeung kahariwang Déwi Kunti kabungkus rapih ku kaiklasan, tumarima kana takdir mangrupa mantengna jalan kasabaran, buahna muji sukur ka Hyang Widi nu ngamalir sapanjang wahangan kanyaah. Najan kasebutna nyamuni na alam kandungan, Hyang Wisésa teu weléh ngamulyakeun utun inji bari diusap kanyaah réma-réma indung peuting.

Kawaswas, kahariwang lan kaguligah manah Déwi Kunti, sirna ku jangji Batara Surya seja ngajagi kahormatan nu dipusti-pusti. Kaiklasannana numuwuhkeun kasadaran tina alam wewetengan nu pinuh kajujuran. Sang Sudéwi éstu pasrah sumerah bari taya basa sieun nampi mamala.

Aya mangsana melak aya mangsa manén, sabab sagalarupana ngakar kana hukum kasaimbangan, aya mangsana datang aya mangsana miang, gerentes Déwi Kunti bari neuteup ngemprayna bulan nu marahmay.

GALURA RASA 11

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 17:15:00

Keur maca buku, ingetan Hendra kumalayang. Nu cumantel dina haté, nyangkaruk dina kalbu, kumacacang na implengen ngan ukur Diandra. Hanjakal kalangkang Anisa ngaririwaan, sanajan waktu geus nuduhkeun dua taun saprak paturay jeung manéhna.

Sataun katompérnakeun patepung téh. Nya ti saprak harita, Diandra ngeusian petengna kalbu, simpéna hirup Hendra dina teuteup munggaran.

Blak, muka facebook. Sono neuteup imut dina foto profilna. Hayang maca status salaku iber kaayaan manéhna, atawa sajak singget basa Sundana. Hareugeueun, teu kapanggih, gebeg, Hendra diblokir.
“Aya ku téga salira megatkeun silaturahmi,” ceuk Hendra ngaheruk bari nganaha-naha.

Mencétan Hp, nomer Diandra katara dina layar. SMS entongnya atawa telepon waé? Pikirna.
”Punten kang, abdi mah tara ngawaler SMS, ‘Just Say Hello’,” ceuk Diandra hiji waktu.
”Abdi mah tara ngangkat telepon teu pararuguh,” dina waktu séjénna.

Hp dicecekel bari kuluntang-kulinting teu puguh cabak. Buku dibalangkeun. Blak nangkarak dina enggon.
”Ah, Diandra aya ku hésé ngahontal atawa mopohokeun salira,” Hendra rumahuh. ***

LOTÉK AMERIKA

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 16:36:34

Leuweung geledegan, tempat Odik digawé. Odik ngaheruk, teu bisa dahar. Tos opat minggu, Odik leuleuweungan. “Éta lalab-lalaban coél sambel, euweuh nu melak,” gerentesna. Kakara karasa, euweuh lalab-lalaban jeung sambel, dahar teu mirasa. Abus ka roangan, rék dahar peuting. Manéhna kukurilingan, néangan dahareun. “Éh geuning aya lalab-lalaban, kumplit jeung samarana, ” gerentesna. Rikat nyokot piring, lalab-lalaban ditumpuk, cur disamaraan nu loba, lekoh. Ieu mah asa béda rasana, teu siga loték Ma Énoh di lembur. Karék dua huap, beuteung ngusial. Atuh calana palebah bujur, rada baseuh, duka naon nu ka luar.

NGEUNAH ÉON TEU NGEUNAH ÉHÉ

Kénging Andi Sya'bandi
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 15:53:50

Hiji mangsa Si Catrik ngalédék Pamajikannana. Laju ngeuleukeuteuy manéhna téh seuri. Bari teu kireum teu peureudeuy. Genah wé nu aya. Teu dipikir rangkepan téa. Kumaha katompérnakeunnana téh. Leumpeung wé nyaritana téh, kawas jol téa.
"Nyi, ulah remen barangdahar wae! Tuh, katinggali tonggong geus sagede kompor satéh."
Neg kana haté Si Yéyén. "Asa katinggang gebog cau wé ieu mah." Ceuk na jero haténa téh. Beuki ngarasa keuheul wé ka Si Catrik téh. Najan keuheul gé bisa dibubungah manéh téa. Si Yéyén mah cicing wé antaré. "Keun wé anteup. Ké gé bakal ka Aing deui. Ménta nu haneut-haneut. Awas siah engké ku Aing dibales..." Ceuk tina jero haté Si Yéyén.
Laju ka peutingnakeun. Si Yéyén saré ngagojod. Si Catrik gé ngaraketan bari ngarayu ka manéhna. Sejana mah rék ménta Jatah Peuting.
"Urang kudu hémat énérgi. Ulah kéna-kéna rék ngahaneutan sapotong Sosis teras nganggé kompor." Témbal Si Yéyén.

LARATAN

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 15:36:05

Palias ngabibisani. Kadar diri ngedalkeun ciptaning
rasa pangeusi sanubari. Geusan pamatri sasmita
aji,
sumanding sekar mekar kebek rasa kabungah.
Teu mikarep basa nu nyata, nyanglir pasalia bukti.
Ngan kadar ciri, yén! Kungsi hirup di dunya.
Natratkeun tapak lacak, najan sagurat.
Peuting lilir nyimbutan alam pangharepan. Poma!
Ulah disangka maké rangkepan rasa nyaah
mihéman. Sabab! Kiwari geus taya nu asli, tamaha
urang duaan. Hamo rék nyisikudi laku nu geus
kasorang. laratan katresna kasaput méga hanjelu.

NU KEUKEUH

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 15:04:01

Imah nenggang sisi gunung. Sabudeureun tempat wisata nu kajojo, ti mangsa ka mangsa. "Rék naon deui? Manéh mah, da geus usumna! Dedeg sampé,rupa hadé. Katambah boga pangabisa leuwih ti nu séjén! Hayang nu jiga kumaha atuh?” Indungna saban waktu teu weleh ngecewis. “Bosen! Si Ema bangun nu teu surti. Teun karunya, saban peuting ranggah. Cimatana juuh. Beu!” gerentesna. “Wayahna Sujang, tong liliaran!” ceuk indungna, bari kaprak-keprek di dapur. Kadéngé aya sora nu keketrok. Manéhna mah kalah asup ka kamar. Ngaringkeb. Indungna muru panto. “Rampés...!” sora indungna meni halimpu. Rekét panto muka. Manéhna noong tina bilik. Bréh! Gebeg. Aya awéwé tujuhan ting kalacat. Gareulis jiga artis. Tingaraced. “Sujang..., Sujang!” teu némbalan. Laju asup ka kamar. Bet suwung. Gebeg. Si Ema muru jandéla nu muka. Lenga-lengo.Bréh. Kabireungeuh Si Sujang keur ngajanteng di sisi lamping, keur ngajingjing jamparing. “Sumpah...! Moal aya nu geulis jiga Ema...!” Ngajorowok. Handaruan.

OBYAG

Kénging Nandang Sofyan Priatna
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 14:51:07

''Kali mérah...kali mérah...kali mérah...kali mérah..ya Athéna...!
nu jogét beuki obyag teu lalaki teu awéwé sagayana séwang-séwangan;tinggaréol tinggaritek ajrag-ahragan moyég silih éréd,teu ari silih surungkeun mah nyakitu deui teu ari pacampur awéwe jeung lalaki mah da puguh di awaskeun ku guru ti luhur jeung ti hareupeun panggung.
Katémpo nu nabeuh kibod peupeureundeuyan.
''Tuluykeun heula ku bénd,teu kuat yeuh hayang ka cai!'' cenah sanggeus réngsé lagu kali mérah tadi.
Bénd barudak kélas dalapan kadengé brang-bréng-brong lagu métal. Nu jarogéd beuki motah. Bapa Kasi Diknas cengkat pamit rék balik. Security ngajiwir budak nu kanyahoan mareuman saklar listrik nu kana mesin cai. Sawatara nudi jero wc katatang-kotéténg néangan cai keur ombéh.

NYANGSANG

Kénging Noni Hermayani
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 14:15:17

Di Kebon Kalapa, kalacat gek kabagean nyanghareupan panto. Rurat reret, sakur nu paamprok tenjo karareom patingbalieur. Manehna kerung. Sajajalan diregepkeun, bet ganti jadi pating cikikik. Galecok jero dadana. Jrut lebah terminal Ledeng, laju nikreuh muru kontrakan. Rurusuhan gen nangtung hareupeun eunteung. Gustiii....aya cabe beureum nyangsang dina kumis!

CARITA ATOR

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 13:50:06

Nyawang mah hayang jadi profesor, tapi sakola saukur udar-ador, tungtungna euweuh kabisa, saukur resep ngabodor, neangan pamor. Hah, dasar kuring budak bantongor.

Kira-kira wanci lohor, karek hudang molor, Si Ator, budak bangor, suku pengkor, biwir jontor, huntu ngohngor, beungeut lestreng siga bor, numpak motor ngebut, ngageleng bagedor, nu malang ka jalan nyodor, tisoledat, ngagaleong, nabrak Mang Ahor, tukang nasgor, nu mangkal hareupeun gor. Kolor Ator nu logor kusabab karetna kendor, ngait kana tabung gas kompor, morosot sedeng tabung gas bitu disada dar-der-dor, beungeut Ator nyuksruk, biwirna nyosor kana taneuh kotor, beledag huluna neunggar batu nepika bocor, dua menit tiharina nyawana ngalayang kojor.

OTW

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 13:47:39

Dina lift, barudak rumaja opatan keur guntreng. Nu tiluan siga nu ambek ka nu saurang. Pok na.
"Kamu mah pikasebeleun, mémangna nungguan téh énak kitu. Di sms. Di telepon. Ngan ondewéy ondewéy wéh. Geus rék kabeurangan yeuh."Katingali keuheulna. Nu di carékan tiis wéh, malah ngajawab.
"Pan éta ceuk urang gén ondewéy."
"Naha atuh bet lila? " Ceuk nu saurang deui.
"Heueuh padahal mah jawab geus tepi ka jalan mana kituh?"Nu hijina deui nyorongot.
"Heueuh ondewéy téh apan Okéh tungguan wéh."
"Gélo siah dasar maneh mah!"
Barakatak kabéhanana sareuri. Kuring gén jadi milu mésem. Dasar barudak rumaja. Dunya téh asa aya dina leungeuna.

NU LEUNGIT

Kénging Firda Aulia
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 13:17:56

Lieuk deui kana inbox. Lebeng. Apan geus dipupus akunna dina daftar pertemanan. Bakat ku ambek, ngaganggu pisan tuda. Ngetrokan panto hate teu nyaho di wayah. Tapi nu karasa ayeuna lain ngemplong, kalah aya nu gudawang dina dada.

TATAMBA

Kénging Chepi Rumiang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 12:05:38

Mang Soehé ngalangeu ngabarung tineung taya pisan kaguligahan. alam pikirna ngubeng hayang ngahontal kabagjaan ceuk gerentesna:Na iraha kuring hirup cukup kawas batur........!?
Kareret ku céng Samud tatangga gigireun imah.pokna :Mang......ngalamun naon meuni anteng ! !
:Aééh ieu Ceng. ngalamun nu can ngalaman !.ngarérét semu reuwas.nusaterusna uplek cumarita .
:Atuh mun kitumah Mang.....Hayu dianteur kanu bisa. sugan bisa mere jalan kahirupan keur Mang !
Laju lampahna dua jalma.jog anjog dihiji imah anu loba sémah.Maranehna pupuntenan bari rengkuh asup ka hiji kamar nu mulek pinuh ku haseup.: Soook cu kadieu caralik calik...! .nu dikamar ngabageakeun kanu datang : Pok caritakeun anu jadi maksud teh tong asa asa !.
Saréngséna Céng Samud balaka.éta jalma sila meneko bari peureum.leungeuna luhureun parukuyan biwirna kumat kamit : Assalamualaaiikum.... ! nepangkeun Kaula.HARYANG BANGA. sorana beurat jeung rarat rérét. Mang Samoéd nyéréngéh teu ngawaro kalahka molohok héran .ceuk pkirna : ti iraha HARYANG BANGA asup AGAMA ISLAM ???.

SALINGKUH

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 11:34:24

"Sabaraha gajih akang nu saleresna téh?" tanya Nyi Marni ka salakina. Ambek. "Lumayan wé, Nyi," jawab Nono bari mikeun amplop eusi duit. "Ieu mah moal cukup keur sabulaneun!" ceuk Nyi Marni bari ngabantingkeun amplop kana luhur méja. Nono ukur seuri bari ngaléos ka kamar. Gebrug meubeutkeun manéh kana kasur, pangacianana kumalayang kana paménta mitohana nu hayang indit ziarah ka Mekah. Kaciri aya hapé salakina dina méja, laju dibuka inbox-na. "Ujang, kiriman geus katampa ku Bapa, hayang geura cumpon keur ka Mekah téa," sms ti bapa. Haténa ngaranjug, reuwas campur kaduhung....

BEUKI DIEU, BEUKI GEDÉ

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 11:17:38

Raksasa kuru geus ngawasa Ibu Kota. Para jendral para manten jendral beuki lila beuki geumpeur. Ketar-ketir. Kumaha ngungkulanana. Sanjata-sanjata rahasia geus mimiti ditebar. Nu bisa dicéntangkeun, dicéntangkeun. Nu bisa dilempagkeun, dilempagkeun. Sanjata-sanjata téh malah malikan ka nu bogana. Raksasa kuru teu galideur. Terus tonggoy ku kayakinanna. Getih nu maseuhan awakna malah nyeungitan jiwa ragana manan sabalikna.

Raksasa kuru digedékeun di tengah-tengah kulawarga gedé nu dipingpin ku Ibu Ageung terah pamingpin ageung. Bingung. “Diusir lain usireun, da puguh nataku kuring butuhna. Pan manéhna nu naékkeun ajén kulawarga téh. Teu diusir, kuring nyaah ka anak,” gerentesna. Raksasa kuru ngageunjleuhkeun di luar di jero.

SORA

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 11:13:43

Lumpat! Taya deui cara. Suku miheulaan nu aya na pikiran. Mindeng ngancurkeun naon nu geus kaimpleng, mun seug kacerek. Digusur mulang ka rohang ngan saguliwek. "Lumpat!" Ngajejek heumeus, buah pines, beueus daun jukut rihut, batu susukan, pakebonan. "Lumpaat!" Ngaluncatan sakur papait. Tapak pecut. Pelong hurung anjing nu ngawasa peteng. Bulan. Lumpat. Tangkal jati. Lumpat. Tikungan. Lumpat. Gawir nangtawing. Lumpat. Sora pecut. Lumpat. Sora mesin. Lumpat. Sora cai nu ngagolak. Lumpat. Jegug anjing. Lumpat. Gusti na pucuk eurih. Gusti di saban lebah. Dampal suku dampal anjing dina sajatining keyeng. Lumpat! Ninggalkeun sorot hurung anjing peuting di sakuriling bungking nu mencrongkeun lumpat aing!

PANGÉRAN GEUSAN ULUN

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 11:13:12

Mulang ti Demak lan Pajang nuju Sumedanglarang, Radén Angkawijaya pohara nalangsa.
Asih nu geus papada pakait kudu pegat lantaran pulitik pangawasa. “Harisbaya..,deudeuh.. geulis Harisbaya.” Kingkin.

Satria. Najan haté digerih disebit-sebit, nyimpang heulan ka Carbon unjuk wilujeng ka Panembahan Ratu nu geus téga migarwa pupujan haté. “Harisbaya..,deudeuh.. geulis Harisbaya.”

Peuting simpé. “Aka, candak indit kuring ka Sumedanglarang atawa nemasan pati di dieu,” Harisbaya nepangan rerencepan, cumarita bari bedah cimata.
“Uwa-Uwa, wayahna bantuan pun kula,” Radén Angkawijaya meredih ka pangawal satiana. Pangawal anu marengan kamamana ti awit ngajajap Makuta Binokasi ka Sumedanglarang, Kandaga Lanté.

Janari. Karaton Carbon geunjleung. Radén Angkawijaya lan para pangawalna geus undur rerencepan bari ngiwat Harisbaya, garwa anom Pamenbahan Ratu.

PANGSIUN

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 11:09:21

"Asa geus lami tara maca Fikmin Kayas Si Aka," ceuk Mang Omod. Kuring ukur mésem. Ingetan kumalayang kana kajadian
bulan kamari. Tulak panto nenggel pisan ngababuk cukang irung, saréngsé pamajikan
macaan Fikmin kuring. Fiksi. Lain kajadian
sanyatana.
"Lain teu hayang nulis Fikmin Kayas téh,
Mang. Ngan lebar ku irung."

TRESNA MAYA

Kénging Taufiq Maulana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 11:01:00

teuing ku araraneh mungguhing hirup didunya, cacakan can tepung jeung dirina enung, ma'lum tepungna oge dina fesbuk, mungguhing ati mah lir dina alam nyata, samalah lir nu geus ngarumah tangga jeung inyana teh.
mimitina mah ukur babarayaan we, nuluy tukeuran nomer hape, kabehdieunakeun mindeng ngahubungan tina telepon, sanajan umur jauh mela-melu tapi kanyaah mah lir nu papanganten wae.
hayang tepung cenah, mun tepung rek jiga dina hape kitu?? leng ngahuleng nyipta nu can kasorang

GUMENCLANG

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 10:44:35

Neuteup ti jauhna. Isuk-isuk balébat geus ngusapan lempayna tonggong gunung. Langit kulon ngepris dipapaés ragragna katumbiri kembar ka ponclot burangrang. Geter rasa bet mancawura ka mana-mendi. Can cengkat tina pangdiukan. Mangabad-abad ngajutun nyeungceurikan diri. Kaduhung ngarungrum tacan aya sudana. Ti poé ka poé ngajujut carita. Napelkeun kecap ka unggal hiliwirna angin. Nu dipiharep népakeun rasa. Sugan jeung sugan nepi kanu dituju. Miharep bisa muraykeun lalangsé haté nu ngabatu.
Dumadakan, manglaksa angin pating gelebug. Niup kalakay carita nu ayang-ayangan. Mumbul jauh. Kumalayang mingkin luhur. Kairid diais angin, ragrag lalaunan 'na pangkonan nu Geulis. Ngaharewoskeun talatah . Wirahma goib nerekab ka suklak-siklukna kaputrén. Boéh rarang nyakséni ragragna cipanon nu gumenclang. “Deudeuh kasép, pangampura Ambu nyimbutan anjeun ti baheula mula.” Bray langit béngras. Tangkuban Parahu kalingkup cahya murub mubyar sinanglingan.

KACIWIT KULIT

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 10:32:54

Wawanohan di fésbuk. Inbokan. Curhat ngébréhkeun rasa. Geus teu asa jeung jiga. Laganca ngalagena. Cohagna, anjeun jeung kuring geus sahaté. Solmét nu maskét. Taya rusiah nu nyamuni. Sagalana nembrak. Bruk-brak nonggérak. Ukur urang duaan nu nyaho. Rikip. Ditulak sandi rusiah.
Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan. Rasa mokaha ngahuru dada. Cakcak bodas manggih lolongkrang. Tulak sandi kaembus. Rusiah betus. Diuar-uar dina status. Diémbohan. Sajeungkal jadi sadeupa. Omong harus batan goong. Geunjleung. Éar sajagat. Kuring duaan bobolokot. Boborot. Kulit beungeut maruhpuyan. Aduy. Bakat ku éra. Taya kasempetan hojah ngabéla diri. Pangjejeléh jeung dakwaan datang ti unggal madhab. Ningker. Baluweng. Teunggar kalongeun. Baluas. Luluasan nyumput na tutunggul, tanggal jeung ngaran. Tapi tetep jadi sakitan. Aya balitungan. Najan kuring geus béda alam. Bilatungan. Burarengan babarengan.

SABAR

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 10:23:27

Jrut turun tina mobil, léos muru sisi situ Cileunca, gék diuk dina jukut anu ngampar. Panon neuteup ka pulo. Jorojoy hayang tumpak parahu dua'an, lalayaran jeung manéhna. "Sieun tikelebuh," jawabna bari imut. Teu bisa maksa da sieun cilaka. Ngagugu napsu mah enya hayang ngasaan angkleung-angkleungan bari nyacapkeun katresna.
Manéhna tonggoy nyanghujar-lambar bari ramo-ramona nyabutan jukut.
Sireum beureum ngarayap kana cangkéngna, dipolototan kalah ngéngklakan. Ramo ateul geus hayang geura gep tapi teu wasa bisi pajar kurang-ajar. Ngarayap mapay buuk nu ngarumbay, gugulantungan semu anu ngabibita. Nyel ambek, waktu sireum nyoco punduk manéhna.
Pasosoré karék mulang, disangkéh kupangharepan. "Jaga gé moal keur saha."

SOLUSI

Kénging Ilhm Mlyntr S
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 10:12:52

"Mah...ningali konci mobil?"
"diluhur meja papah.."
"papah angkatnya mah.."
Kang Aton gura giru mangkat, buru-buru ngudag waktu. Tapi
teu pati lila balik deui,,"mah..pami tas anu hideung mana nya?"
"ieu papah..." teh Sesan imut bari ngajingjing tas ransel hideung,tuluy dicangklekeun dina taktak salakina.
"untung aya mamah.." celengok Kang Aton nyium pipi Teh Sesan
"muhun atuh...istri adalah solusi" ceuk Teh Sesan bari nyorohkeun pipina. "ah..mamah mah..solusi naon?" Kang Aton melong,

"da leres istri adalah solusi" tembal teh sesan.
Sabulan Kang Aton diluar kota. Sabulan bada harita Teh Sesan gawe ngan huleng jentul, teu wasa mun lalajo TV, unggal

mindahkeun saluran Tv breh beungeut salakina,breh deui mahasiswi, breh artis,breh model.
Basa teh sesan manggihan Kang Aton di tahanan, Teh Sesan ngaharewos ka salakina,,"papah sanesna minimal teh opat?geuningan

dugi puluhan?"
"papah mah saukur milari solusi, apanan saur mamah istri adalah solusi"

ROMANSA SUBUH

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 09:43:16

Angin subuh humiliwir. Matak harorém nyaring. Ngajak ngaréngkol. Rérés solat, teu diengkékeun deui. Golédag bari metot simbut. “Ulah waka ka pawon, nyalsé wé da Juma’ah ieuh,” haréwosna bari nangkeup. Dijawab ukur ku unggeuk. Laju nyulusup ‘na tangkeupanana. Hawa satukangeun simbut karasa beuki haneut. Panas. Nyaksrak. Saterusna nyorang lalakon nu arang karandapan. Teuing subuh bulan mana, kungsi ngalaman siga kieu. Kapopohokeun. Taya ‘na catetanana.
Subuh nu gumulung jeung kabagjaan. Ngalempréh lungsé sanggeus nyorang tanjakan birahi. Tangkeupanana teu lésot. “Kringgg…kringg,” sora hénpon. Teu dipaliré. Hénpon terus-terusan disada. Matak ngaganggu. Antukna, éléh géléng. Ngoléséd tina tangkeupanana. Ngajéwang hénpon. “Assalamu’alaikum. Geura gugah …Nung!” Sora nu geus biasa sok ngahudangkeun saban subuh.

SARUA SIEUN NA

Kénging Udin Bajing
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 09:37:34

tong boro jalma, dalah ucing oge teu wanieun mun geus ngancik peuting kudu ngulampreng ka jalan eta mah, keur mah pararoek jaba geueuman, sanajan jalan na rada lebar oge. dina hiji peuting aya dua jalma nu ngulampreng ka eta jalan, da meureun aya kaperluan nu teu bisa di engke keun. nu hiji ka kidul keun ari nu hiji ka kaler.
kamana ceng? ceuk nu rek ka kidul
rek kalebak kus, ngajawab nu hiji deui pas pasarandog.
sa eungeus rada jauh nu kakaler nga gorowok..da uing mah lain engkus.
bae da uing oge lain aceng ceuk nu ka kidul, bari dua nana ting berebet lumpat bakat ku sieun.

tina bobodoran KANG IBING.

RUNTAH

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 09:22:53

"Loba pisan runtah téh euy." Si A nyarita.
"Nya wayahna wé da pancén kudu diberesihan." Walon si B.
"Meresihan nu dimana ayeuna ?" Tanya si C.
"Di puseur dayeuh kénéh euy." Jawab si B.

Bring tilu jalma téh ngajugjug hiji warung basajan nu lokasina cukup merenah. Diwangun ku awi jeung rumbia. Nu biasa tunggonna jang Memed jeung Mang Duleh. Wanci ngagayuh ka janari leutik.

"Hayu, Med !" si A ngagentra ti saluareun warung.

Arinyana ngajugjug ka hiji imah nu rada nenggang. Sanggeus nepi jang Memed keketrok, panto dibuka. Nu tiluan nyumput. Saurang lalaki rada sembada ngabagéakeun. Terus duanana uplek ngobrol ma'lum geus wanoh. Teu antaré lila, nu tiluan arasup.

"Dor !" aya péstol disada.
"Alus gawé manéh, Med. Lumayan meunang mandahna !" Ceuk si B.

Isukna masarakat ibur. Di handapeun tihang listrik aya karung dieusi mayit lalaki nu rada sembada. Dina haté séwang-séwangan masarakat justru atoh.

"Mun sakalian koruptor dikieukeun téh nya !" Ceuk pa RW.

KADO

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 09:11:56

Paguneman sapasang manusa nu keur kapentang asih, sakapeung binarung paadu teuteup, silih balédog imut, kalan-kalan silih léndéan dirohangan kamar kos. "Wah, téréh aya nu tepang taun, yeuh." manéhna nyoara. Sor, cikopi. Gék, kuring disagigireunnana. "Muhun, Kang. Sok, atuh geura émutan badé ngado naon kanggo abdi." nyéh, imut. "Hoyongna naon?" manéhna tumanya. "Naon, nya?" kuring uleng sawatara waktu. "Abdi mah hoyong kado nu matak moal hilap saumur hirup." manéhna nyawang lalangit. "Opat K?" tumanya deui. "Ah, nu kitu mah tiasa ical." walon kuring. "Naon atuh?" celengok 'na pipi. "Anak...." walon kuring nyoara ogo. Manéhna ngarénjag, tuluy ngajéngkat muru lawang panto. "Akang badé kamana? Bendu, nya? Punten atuh, Akang." kuring ngarangkul manéhna. "Henteu atuh, Say. Akang mah moal kamamana. Sakedap, badé ngoncian panto heula sareng nutupkeun hordéng."

NGADU MUNCANG

Kénging Anda Suwanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 08:52:59

Asa agul basa uing némbongkeun bohak, donglak, atawa nu bararéd urut labuh reujeung cilaka téh. Sobat medok sa-SD; Si Umang, Jang Kodim, Cép Ansor atawa Si Keling milu atoh jeung percaya da sarua pernah ngalaman; pan sajarambah téa. Lamun teu ka Gunung beureum néangan Si Parahu, biasana nguriling ka Gunung Karang néangan Si Timor, Si Seureuh atawa muncang samara ogé teu nanaon. Kamamana teu weléh tinggéréntél-tinggulayut, mamawa bungkusan leutik nu dieusi cuka bibit atawa cidanas, pangeueuman muncang. Inget nempo Kang Cipol, teuing saha ngaran aslina mah; basa diterminal, muncangna jadi jawara. Ngan, nu matak teu ngarti, naha ujug-ujug ditareunggeulan. Ěta cenah, muncangna meunang nyuntik? Demi teu ngarti. Malah, uing leuwih teu ngarti deui basa nempo acara dina tipina Cép Ansor; réa jalma ditaréwakan diborgolan, aya alatan silih hurug, aya ogé gara-gara barangbéré ka awéwé? Moal kitu sarua, gara-gara tina muncang anu disuntik..!? ***

BUDAK TERÉ

Kénging Laskar Sunda
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 08:49:48

Plak..!!!
“Embér, lain gayung!”
Clak..
“Kaditu siah balik deui!”
Prang….
Plak..!!!
“Bener-bener siah, kitu jeung kitu baé pagawéan téh. béréskeun!”
Budak unggut-unggutan, Ceg leungeuna kana sapu.
“Kadé ulah kapeupeus deui, ngan ngaruksak waé pagawéan téh.”
Budak cangeluk.
Tok,tok,tok.
Jedak..!!! hulu diteunggarkeun kana tembokan.
“Cicing sia, ulah ngadu ka bapa nyanéh.”
Clak cimata budak, bari unggeuk-unggeukan.
Panto dibukakeun.
“bapana aya?”
“éh yudi, teu aya, hayu kalebet.”
Jedak.!!! Leungeun ngagantawang, sirah budak tijedak kana témbok.
“cicing siah!”
Budakna unggut-unggutan.
“hayu ah, ulah didieu yud, moal bener.”
Jedak!!! Sakali deui sirah budak jadi sasaran.
Duanana arasup ka kamer, teu maliré budak.
Budak bacucuran getih, kaluar getih tina sungutna.
Beuki lila budak beuki cicing, rénghap ranjug, rénghap ranjug.
Trak, trak. Sora panto aya nu mukakeun koncina ti luar.
“do…do…doniiiiiiiii…..”
Bapana nu kakara balik ngantor ngarumpuyuk, teu kawasa nempo budakna geus ngagolér.
“innalillahi wainnailaihi roji’uun” sora bapana alon bari ngusap raray budakna.

TEU SUDI !!

Kénging Lies Tjandra Kancana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 08:26:36

Ti jero imah . Ting belewer , piring, gelas, katel, panci Malah nepi ka mutu-mutu bari aya sora gegerewekan...!
" Goblog siah, tolol,Anjing ! Sia nganggap Aing naon ? !"
Derengdeng tina tepas imah aya nu ngajleng, lumpat tipparetot, lumpat skalumpat -lampet !
" Sia naon leuwihna ti salaki aing, ??? Dasar preman bodo! Balik deui sia ku Aing dicacag ! "
Nu lumpat bru labuh, hudang deui, drengdeng lumpat deui.... Tikamar anakna nu awewe kaluar.. reuwas nempo polah Idungna teh
" Umi aya naon ?" Ceuk Nyi Isah... Pek indungna nu keur tulak cngkeng disangkeh dibawa kajero imah.
" Aya naon UMI..?
Bari jamotrot Indungna ngajawab : " GEuleuh eta ku si Dudung, hayoh we ngahelaran UMI, tadi diuk ditepas teu euleum-euleum harariringan lagu " Teungteuingeun" Gandeng ku Umi di usir.
Ngadenge kitu key Nyi ISAH seuri akey-akeyan.Indungna olohok nempo anakna nyeungseurikeun teh Da enya atuh manehna teh Randa geulis keneh loba nu ngahelaran.
" Umi...... Naha Umi teu uninga? apan si Dudung mah gelo kaleleban ku Nyi Euis!!! "

KAWIN-CERÉ

Kénging Setiabudhi Budi
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 07:55:20

Sumi nu tas mandi, ukur dibungkus ku anduk ngaliwat ka hareupeun. Panon hideng nuturkeun. Asa cik keneh ngaganti popokna nu jibrug ku cai ompolna, jleg téh ayeuna geus jadi parawan méncrang.
“Kang…!” Pamajikan muncereng. Kélémés, éra. Maling rérét ka 'anak sorangan', katohyan.
Peuting beuki simpé. Gigireun ngageubra. Geus lila ditinggalkeun siga kieu téh. Rék nagih, karunya bisi kanceuh deui. Keteyep. Rekét panto dibuka lalaunan. Nu keur ngahérang na dipan ngalieuk, belenyéh imut. “Tacan bobo, Sum?” Ukur gideug. Gek diuk gigireun. “Dugi ka iraha teras-terasan siga kieu téh, Pa?” Sumi nyulusupkeun sirahna kana dada kuring.
“Pami Mamah terangeun hubungan urang, tada teuing isinna. Tapi Sum nyaah ka Bapa. Sum hoyong pami engke gaduh caroge teh sapertos Bapa. Nu sabar, nu nyaah…” Kuring nangkeup awak Sumi. Bray panto muka! Bréh beungeut pamajikan burahay beureum.
Isuk keneh kuring dianteur ku pamajikan pikeun ngalamar Sumi ka kolotna. Bérés ijab kobul pamajikan ménta pegat.

AGAMA MAUNG

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 06:57:24

Santri balik ngaji. Niat motong jalan, kalah kasarung ka tengah leuweung. Gaur, sora maung. Beretek Ki Santri lumpat salumpat-lampét. Maung ngudag. Teu nyatu geus tilu poé. Abong nu tagiwur, lumpat kalah ka sisi gawir. Teu bisa laju deui. Maju jungkrang mundur maung téh lain babasan. Langit asa ngadadak ceudeum. Kedepruk Ki Santri andiprek. Ngadoa husu.
“Gusti, mudah-mudahan sakadang Maung agamana sing sami jeung uing.” Jelegér, sora tatit. Sakadang Maung anjog ka tempat Ki Santri. Kalah lajag-léjég. Ngaherengan nu ngayekyek. Jiga nu teu daékeun ngerekeb. Ki Santri bungah. Jung nangtung, ngadeukeutan. Kadéngé Maung ngagerendeng.
“Nuhun Gusti tos masihan rejeki. Allahumma bariklana fii ma rajaktana..” Ki Santri ngocéak.

BASA CINTA MÉNTA BUKTI

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 06:41:48

Panggih jeung Kang Trisno dina hajatan kawin alo. Dedeg jangkung manis, pakulitan hideung. Imutna semu mahal, irit naker. Ari aya nu melongkeun, sok karasa sanajan tikajauhan. Prok paadu teuteup. Gelenyu imut. Manéhna nyampeurkeun, “Nepangkeun, Trisno”. “Winda,” cékéng téh.

Hahadéan manjang. Aya rasa nu balik deui, rasa éndah pinuh wirahma, kuring asih ka manéhna.

“Win, can lila urang deukeut téh, tapi ieu haté geus manteng, moal panjang nu dipicatur. Akang rék wakca ngaku, Akang geus kurenan, tapi ieu rasa nyaliara leuwih tina panyangka. Kersa ngumplitan kabagjaan Akang?”

“Kang, baheula, kuring pepegatan, alatan dinyenyeri kunu jadi salaki, embung didua. Milih mundur. Ayeuna mun jadi jeung Akang, leuwih hina kaayaan téh tina embung jadi nu kolot, kalah der jadi nu ngora. Kamanakeun beungeut abdi, nu ngagulkeun anti poligami. Teu sanggup Kang!”

Baheula rujit ka nu ngaganggu rumah tangga, ayeuna geuning aing nu jadi rurujit. Nyesek.

OLAH RAGA

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 06:36:07

Bulan ngalimba. Alam jeung eusina ngahahah, neuteup umat ngamparkeun sajadah -- ngadegkeun solat, haténa mancawura -- teu tembus ka sidratul muntaha.

GAGAK BIKANGNA (RAVENS WOMEN)…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 06:33:26

Ngahodhod dina kolong méja. Nyepeng kertas sacewir. “Téang béja, tina paragraf ka salapan, kaca ka dalapan belas. Resep plot nu éta” Kitu uni-na. Isukna meunang warta. Lalaki dieurad ku tali béha. Ayeuna, nyampak deui kertas sacewir handapeun panto. “Téang deui béja, tina paragraf ka tilu kaca ka lima puluh tilu.” Kuring apal naon eusina. Kapan kuring nu ngarangna. Rét, kana kaca. Asa teu mungkin. Kalangkang balati miheulaan. Isukna aya warta. “Pengarang aya nu mergasa!” Bluk, sora buku ditutup. “Tamat” Dibarung imut hiji wanoja…..*

JANGJI BATARA SURYA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 01:49:01

Lir di hiji mumunggang, lambaran bulan mancawura, sesebitan tingkalayang dina jirim langlayangan, kokoléaban kapakan, leupas kaguligah nu mantengkeun anggangna langit jeung bumi, aya nu gumelar ngaramékeun jagat wawayangan, aya nu mulang jadi bugang na amparan amisna dosa. Rénghap napasna lir murakeun réngkak dosa nu bumetah na waruga kaguligah, diri lir disiksik karisi dina remeng-remengna kulambu, napsu nyulam pepedut carita antara sawarga jeung naraka.

Batara Surya ngarénghap eungap, sajongjonan ngahuleng ku kasedih jeung kuciwa ku dirina nu ngalimpuk mojang na impénan pajuaran parawan nu kacida aébna.

“Geulis, Kakang jangji ka salira, gumelarna jabang bayi na kandungan salira, moal ngagunasika kahormatan nu dipusti-pusti, anjeun bakal tetep janten parawan suci…” lahir Batara Surya dina soanten peura. “Geus jadi takdir Hyang Widi, gumelarna jabang bayi dina jirim lalaki, namian ku sesebatan Suryatmaja atanapi Suryaputra, sebat ogé ku nami Karna nu hartosna cepil…..”

Peuting nu gumalingging ngaharéwos ka jeroeun dada Déwi Kunti Nalibrata nu raca ku tatu bangbaluh nu pinuh pakéwuh. Batinna pinuh kawaswas lir hinis nurih kapeurih. Si utun inji na rahim Kunti tumanya kana batinna, naha aya ungkara basa nu gumelar tina imajinasi pinuh kanyeri?

TAYOH KA PATUTNA

Kénging Agus Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 01:23:55

Sanggeus jeneng demang atikan, Ki Ahmad loba ceta ngatur kitu ngatur kieu, kudu kitu kudu kieu,ulah kitu ulah kieu! Teu wudu pada ngaréntog ku saréréa, sabab aturanna loba anu teu munasabah. Tapi da.., tonggoy wé mawa karep sorangan. Sigana téh pinter aing teu deungeun!
Pareng hiji mangsa programna gagal, babari pisan neumbleuhkeun kasalahanana ka anak buahna, pajarkeun teu becus gawé!
Baring supagi geus lémong, Ki Ahmad ngalantung di buruan mangsa wanci haneut moyan. Lar, ngaliwat budak angon ngagiringkeun munding muru tegalan di tungtung lembur. Ki Ahmad pangangguran nanya, “Rék ka mana, euy?”
Budak angon nyelang ngalieuk bari kerung, “Rék ka kantor!” pokna bari ngaléos.

VERA

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 00:04:47

Ngan ukur bisa sumalindung dina jandéla katumbiri. Najan sabenernamah apal yén katumbiri ngan ukur kalangkang nu ngayas. Hatémah mindeng ngocéak. Rupek dina ngahgarna tegalan impian. Suni dina pagaliwotana harepan nu samar tur duka mana nu sayaktina. Kojéngkang. Sérépét ngalugas haté. Diabarkeun dina lahunan katumbiri nu kebek ku halimun. Taya nu nyoara lintang ti ringhak diri sorangan. Ngajanteng. Neuteup langit nu ngan ukur sajeungkal tina paningal. Aya nu ngahiap. "Geura mulang!" tapi kamana jalan. Tobat siga nu ginggiapeun. diri duka lunta kamana da ébréh ngaran sorangan geus lawas hiber ka awang-awang. Vera duka saha jeung timana baheulana. Nu kiwari nyumput dina anggoan nu méh talanjang.