Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 April 2013 (44 Naskah)


NGANJANG KA BULAN

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 23:55:39

Laut katempo satungtung deuleu. Gigireun. Rajeg tangkal kalapa. Luhur laut. Bulan témbong nguyung. "Naha.. Aya naon luhur bulan..?"
Panasaran. Kalacat. Nété béntang pang deukeutna. Ngajanteng. Nincak mars. "Asa loba jalma?"
Jleng. Napak di dasar bulan.
Mangrewu wanoja. Tinggorowok. Ngacung-ngacung aksara. 'Demo' ménta bulan ulah elat.
Aya nu bucitrek. Bati nyetrok buah ngora. Rét nu ngajingjing orok can boga rupa. Nunjuk-nunjuk Kuring. "Tah.! Akibat nu kieu, Aing kieu..!"
Tingrarérét. Srog. Nyalampeurkeun. Kuring mundur tilu lèngkah.
Ceg. Bulan dipangul. Dibawa ka dunya. Oléh-oléh jang bébéndé nu sarua telat bulan.

PINGPING

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 23:28:01

Geus dua bulan boga dunungan anyar, meuni matak reueus, nyarios lemes, paroman teu weléh marahmay, laku basajan, soméah kasasaha. Nu leuwih penting tara cilimit kana duit, matak reugreug ka sakabéh putra buah, istuning kayungyun luar jero. Teu jiga dunungan nu baheula, cunihin bin gumasép, beuki pisan méakeun duit kas keur senang-senang, antukna ‘cash flow’ kaganggu.

Bulan katilu dunungan anyar ngajak dines ka jakarta, meuting diditu da acarana dua poé. Réngsé rapat poé kahiji, bada isya nyalukan, “Jang kadieu, baturan bapa néang pingping”, gebeg téh geuning nu salila ieu pikayungyuneun téh sarua waé buaya ari geus jauh ti jikan mah. “Mangga pa, badé milari dipalih mana?”, “Ka gajahmada wé”, walon dunungan. Anjog ka palataran geus pabuis, nu maraké rok mini jeung segak parfum anéka rupa, dunungan ngungkug ka jero, bangun geus loma muru méja beulah juru, geus diuk dunungan nanya, “Rék goréng atawa bakar?”, kuring ngahuleng bari nempokeun swiké keur dibersihan.

WASIAT APA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 23:02:43

“Tong ngaji Yaasin. Mun Apa wales, kajeun pang macakeun MOU jeung Pamarentah Kabupatén/Kota, ngeunaan pangwangunan SD Inprés. Talkin? Lah, sarua. Apa leuwih butuh wiridkeun duit, duit, duit. Peupeujeuh. Samping pangrurub Apa kudu disablonan lambang Partéy. Pasaran jieun tina beusi proyek. Turuban ku baliho Apa nyaleg. Boéhna, pakékeun baé sésa kaos kampanyeu. Alusna mah nu jarajap ka pajaratan, sina maraké kaos kampanyeu. Reugreug ka Apana. Bantal taneuh nu biasa dipaké ngedeng mayit, ganti ku gepokan SPJ jeung cék 25 lambar. Padungna poma kudu maké ijazah-ijazah Apa basa lulus sakola, panataran jeung sertipikat lulus P4. Kadé poho! Tuh.., dina lomari. Koncina handapeun bantal. Kembang rampé ganti ku kuitansi pameulian bahruteng proyék. Moal kurang. Tetenggerna, piagem pangajén ti Gupernur. Apa, salaku “Anémer Tuladan”. Hiji deui, Sujang. Lamun datang dua awéwé bari ngakukeun pamajikan Apa, tong geruh. Urut lapang méngbal, jadikeun dua lapang putsal. Hiji séwang. Keun sina harirup ti dinya. Peun, sakitu.”

HAYANG JADI PAHLAWAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 22:05:55

Urang sadar, Mén, geus tompér. Kawates ku aturan, moal bisa ngajabat deui. Tapi manéh lega kénéh ambahan. Urang percaya, manéh moal poho ka urang. Rék jadi, teu jadi. Dina gagalna, manéh masih dibutuhkeun. Pinter teuing heunteu manéh téh. Éta teu utama, nu penting resep lélétak, nyarita geus puguh capétang. Kaandel. Nyieun jeung nyumputkeun kakaliruan, éta pangpentingna, Mén. Moal dijauhan. Pasti dipilandep. Urang ayeuna rék nyieun pikakeuheuleun rahayat. Najan urang geus teu pati dipikaresep, moal ngotoran leungeun sorangan mah. Keun ngaliwatan batur heula. Urang gé rék usaha heula jadi pahlawan, najan kabeurangan. Itung-itung meuli céndol bahé. Tapi sajeroning kitu, Mén, usahakeun, manéh mah kudu siga pahlawan. Éta cénah aya nu nyebut sinétron, keun antep. Kitu sotéh cék nu weureu sinétron. Loba teuing diuk hareupeun tipi. Bandungan mah rahayat, nu sibuk, néangan pangbubutuh hirup. Di dinya, Mén, manéh kudu nangtung!

TALAYAH

Kénging Azhari Poetok
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 21:47:44

Lalawora pajar teu tigin kana kawajiban, kabéh talénténg bari taléot, nalék bangun talété. Dijuru ngan ukur naleukeum bari katalimbeng nyampur jeung ireug talingeuh kana sagala pananya.
Pananya nu nalikung tali bandang, pajar teu taliganca. Keukeuh, pajar “digawé teu tigin kana kawajiban”, padahal nu puguh mah teu kabagéan satalén, “teu pira ukur satalén”.
Gerentes haté nu ditamasan ku talapakan bari neuleuman “naha adhoc satalén sarua jeung pausahaan satalén?”. Kolébat bari ngagorowok “kadééé katalangsara!”.

SAMÉMÉH DI-REMOVE

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 21:44:32

“Sok nyerat puisi nya?” tanyana dina inbox
“Nuju diajar, “ pok téh.
“Abdi hoyong dipangdamelkeun puisi, ih.”
“Mangga.”
Panah mouse geuwat néangan microsoft word. Klik. Bray. Tiriktik ngetik. Nyomotan ka ditu ka dieu. Réngsé.
“Nyanggakeun.”
Lila nungguan balesan. Satengah jam.
“Pada kahiji nu Godi Suwarna. Pada kadua nu Dédén Abdul Azis. Pada katilu nu Nazarudin Azhar. Koplok siah...!”

RUSIAH

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 21:27:58

Asup ka jero gudang, bréh buku nu lagedu dina tumpukan koran urut anu pinuh ku kebul lalaunan dikeprukan. Dibukaan salambar-salambar. Barang muka lambaran tengah, aya poto pangantén. Ditilik-tilik, duh! Imutna ngagelenyu dipasieup ku baju brukat kabaya bodas anu nyacas, samping batik garutan. "Naha saha jeung iraha anu ngasupkeun ieu poto? Diampihan pimatakeun, teu diampihan da manéh'na téh anu pernah nyicingan ieu haté."
Ragamang ngodok saku, cekés! Korék-api dihurungkeun, sut poto diduruk. "Hapunten Nung...! Cekap Akang sareng salira anu terang!"
Bray panto gudang aya nu mukakeun. Pamajikan geus ngajega. "Ngaduruk naon Kang, di lebet semu aya haseup?" tanya'na bari lenga-lengo.
"Keretas nu teu kapaké!" jawab téh.
"Oh!" ceuk pamajikan bari térus ngaléos.
"Alhamdulillah, Nung. Salira aman tumetep dina haté Akang!"

TEU JADI NAÉK

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 21:16:58

Mimiti peuting ieu cenah béngsin rek undak. Sok kaluman ku nu ngarantay. Kacék sarebu piragé. Manguyuhankeun. Daraékan ngantay tengah peuting. Padahal ngeusian motorna gé paling ngan tilu léter. Mobil onaman mending. Di tiap pom bengsin, antayan mudal ka jalan. Matak ngadoréksakeun balaréa. Keur uing nu usahana di jalan mah matak rugi waktu, kitu peta téh. Édas éta pamaréntah nya. Nyieun kawijaksanaan téh siga ngoconan rayat. Sakeudeung deui gé dibatalkeun geura nya, da aya nu protés.
“Kang Yat, mun ti Indihiang hayang ka lembur Sayang di Rancaékék, kudu turun dimana nya?” Mang Péndi ngagareuwahkeun lamunan.
“Turun di Rancaékék wé. Nu aya plang Brimob. Engké tinggal naék ojég. Sok geuwat ka dieu dua puluh rébu…!” Bari song leungeun nampan.
“Ké heula. Naha make kudu mayar sagala?” Cenah.
“Heueuh pan ongkosna…”
“Ieu téh di imah deuleu…”
“Aéh Heueuh ning. Hampura Mang! Rarasaan téh tuda keur dines. Pan uingah keur peré ngondekturan nya…”

DI LANGIT TAYA BENTANG

Kénging Cucu Unisah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 20:50:02

Beuki peuting mingkin ramé, hawa bayeungyang, nu oyag dipakalangan beuki motah. Awak nuturkeun ketak wirahma, pikiran ngapung ka alak paul.
"Woles, say...! kita nikmati malam ini, let's go girls !” Si Mayang metot lengeun, awakna endag, kuring nuturkeun, ka tengah pakalangan, bau haseup jeung alkohol pacampur jeung rébuan parpum. Lampu muter, puluhan kelir mancawura. Kolébat beungeut salaki nembongan, geus tilu bulan taya mulang, leketey haté nu ligar malugaran. Kuring seselékét ninggalkeun karaméan. Karasa simpé haté téh, "Na atuh naon nu ditéangan?"Tanya kuring ka diri, getih lalaunan maju mapay urat, jajantung ukur endag siga nu embung ditanya.
Gék diuk dina sofa juru rohangan, leg kana pil leutik kelir héjo, leguk diinum, karudet mimiti ngipisan, reup peureum sirah gédég.
Tirilit! SMS, ti Si Cikal, "Mah, Si Rani ayeuna di UGD, babalapan, katabrak ku babaturanana!" Jedak! Mangrébu palu nakolan sirah.

NYANDUNG

Kénging Arief Tresno
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 20:09:50

Sok teu ngarti kuring mah ku sikep pamajikan, jubras-jebris, buad-baeud. Mun ditanya, jawabna pédah uing nyandung. Apanan baheula keur jeung si Zaskia, manéhna nu nyatujuan, manéhna ogé nu ngurus itu-ieuna. Lila-lila manéhna nu ambek-ambekan sorangan, pajar kuring tambélar, poho kana waktu, unggal poé libur ngan ngeukeuweuk si Zaskia. Hiji waktu, bakat ku kesel meureun éta si Zaskia disiksa nepika parotong awakna jadi bahan meupeus keuyang pamajikan. Geus rada leler, kuring meunang nyandung deui ka Patricia. Keur resep-resepna nyandung, ngusapan jeung mikanyaah nu anyar, mimitina manéhna acuh, teu maliré. Tapi saprak kuring mawa piknik si Patricia tilu poé tilu peuting ka Ciwidéy, ujug-ujug balik deui pasipatan pamajikan. Patricia disiksa nepika teu mangrupana. Bingung kudu kumaha, ka pamajikan nyaah, atuh ka Zaskia jeung Patricia gé sarua. Kuring sedih naha pamajikan téh meni téga. Ayeuna Zaskia jeung Patricia geus jadi beusi rongsokan di gudang tukangeun imah...

HUTANG

Kénging Eni R. Kustiadi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 19:04:49

Sapeupeting inget ka Si Hadi, babaturan dagang koran. Imahna di Rancaekek. Penumpang setia KRD. Bakating ku remen, manehna tapis pisan gugurawilan dina kareta teh.
Ayeuna teh poe Minggu,niat rek olah raga ka Alun-alun, balikna rek ka Rancaekek, ka imahna Si Hadi.
Hawa masih karasa nyecep. Anjog ka palebah Palaguna, ayanu ngajentul, disidik-sidik tetela Si Hadi.
"Maneh ning, Hadi. Alhamdulillah tadina urang rek ka imah maneh, Geus lila teupanggih."
"Enya, Mat, urang ge rek ka imah maneh. Aya perlu." ceuk Si Hadi,
"Aya naon?"
"Urang teh rek mayar hutang, baheula basa rek balik beakeun ongkos, untung papanggih jeung maneh." bari kusiwel ngaluarkeun duit dua puluh rebu perak.
"Alah siah, Hadi, kop wae! Urang mah mer, kacida!' kuring kekepehan.
Tapi manehna maksa ngeupeulkeun duit.
"Tarima, Mat! Sing karunya ka urang!"
Kuring eleh deet, ahirna duit teh ditarima.
"Mat, urang moal lila, ayeuna geus kudu balik."
"Har, moal nyimpang heula ka imah urang?"
"Moal, Mat. Salam weh ka Ema!"
Manehna ngarangkul tuluy ngungkug ka palebah Jalan Asia Afrika. Kuring oge buru-buru balik, teu jadi olah raga. Anjog ka imah nyampak Ema bangun nu sedih
"Mat, Si Hadi maot. Ragrag tina kareta api, sore kamari."
Gebeg! kuring ngagebeg, kamari? Inget kana duit anu dikeupeulkeun, tetela duit dua puluh rebu.

NU KATALIAN

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 18:49:19

Bogoh ka anjeun téh. Bogoh pisan. Ti saprak wawuh, kuring
yakin anjeun gé boga rasa nu sarua. Sarua bogohna. Kuring
nyaho, kanyaah anjeun lain ukur pupulasan. Lain ukur dina
caritaan anjeun nu matak tiis kana haté, heureuy anjeun nu
matak ngaléahkeun kasedih. Lain ukur éta.

Geuning basa rumahuh kasusah hirup, teu talangké anjeun
ngiriman ka rekening kuring. Saterusna saban bulan nyukupan
pangabutuh. Geuning basa kuring nyarita aya nu lalaki nu cunihin,
isukna ngadéngé béja éta jelma geus ngababatang.
Yakin pisan, éta mah lain kabeneran. Lain !

Kuring sono Kang ! Teu cukup ku macaan ratusan kecap anu
dikirimkeun ku anjeun unggal waktu. Teu punah ku melong potrét
anjeun nu dipiguraan, nu ngajéjér, pinuh, nutupan témbok kamar.
Ukur hayang tepung nu teu ditedunan ku anjeun. Nepi ka kiwari.
Nepi ka iraha kuring kedah nungguan ? Sataun, dua taun ?
Kuring bakal nungguan Kang. Bakal nungguan !

NGALIMED

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 18:33:43

Anggeus macul kuring nyanghareupan kiriman nyi Kokom. Sangu liwet, beuleum peda jeung peuteuy. Col, kuring nyocolkeun peuteuy kana sambel tarasi dina daun cau. Kusiwel, kana sangu liwet. Camuil, kukuring digayem. Nikmat. Kuring daék ka nyi Kokom téh pédah kapélét ku sambelna. Komo daharna disaung bareng jeung angin ngahiliwir. Col, kuring nyocolkeun deui peuteuy kana sambel. Kusuwel deui. Camuil deui. Nyaan nikmat pisan, sigana ieu nu keur maca gé kabitaeun. Col deui. Kusuwel deui. Camuil deui, kuring beuki sumanget. Col deui. Kusiwel deui. Camuil deui. Teuing pédah geus ngarasa wareg meureun, kadieunakeun naha sambel téh asa rada pait. Létah asa renyem. Katambah aya rasa semu ateul. Kuring mencrong kana sambel tarasi dina daun cau nu titadi terus dicocolan ku peuteuy. Katingali éta daun cau téh gening soék. Panasaran kukuring disingkabkeun. ”Aduuh nyiii, meni kabina bina, mun ngamparkeun sambel téh ulah luhureun tikotok!!!”

K.A

Kénging Aji Nurhamzah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 17:39:12

"Gejug. Gejug.. Gejug..." Awor sorana. Meuntas leuweung jeung gunung. Matak ngarey. Ras inget mangsa nu ka tukang. "Kecruk.. Kecruk..." pacul ngigel jeung buleudna batu. "Selamat datang di statsiun gubeng" ceuk sora na sapéker.

SAHA NU SALAH?

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 17:38:48

Sakapeung sok kabita, mun ningali batur nu saentragan jeung kuring, marangkat sarakola. Komo mun geus ningali maranéhna arulin, suka bungah jeung babaturanana.
Kaayaan robah jadi jiga kieu téh, saprak bapa kuring lumpuh, alatan kacilakaan, sababaraha taun ka tukang. Kuring kapaksa buburuh, jadi tukang ngangon domba, pikeun ngabantu-bantu panghasilan, kolot. Nu ngan saukur ngandelkeun indung kuring, anu tihothat sorangan.
Ceuk pandangan jalma séjén mah, kuring téh teu pantes, migawé ieu pagawéan. Sabab ninggang di kaayaan kuring, pédah budak awéwé...

GULIGAH TRÉSNA BANOWATI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 17:36:49

miharep imut beubeureuh salingkuhna
kasono nyoso matak poho kana sagalana
ruhak trésna kapalang ngempur na jiwana
tapi kunaon angin peuting can mawa béjana?
kunaon kaguligah dangdaunan can mawa béja?
hate remuk di amuk ku kaguligah nu kacida rosa
angen-angen mingkin heureut lebah tungtung kala
pras-pris girimis ngetrokan panto rasa katrésna
dag dig dugna gumuruh ka lebah ngangres
teuteup kasaput pepedut warna kulawu
teu walakaya nguntun angen-angen
rapuh lebah pajurantengna ramat
kateureuy ku mamala rasa

KEUR KEUHEUL

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 16:20:44

Kuring geus boga patékadan, moal pernah nyogok ka oknum aparat, boh pulisi, jaksa, hakim, atawa pajabat lainna. Risiko patékadan téh, perkara kuring mindeng éléh. Jangar. Morojéngja. Teu bisa mikmin. Inget, lamun jangar téh ubarna kopi susu. Untung masih aya sésa tadi, gerentes téh. Geuwat muru dapur. Rék disuruput, geuning dipiheulaan ku cak-cak. Pikakeuheuleun deui waé. Jeprét, cak-cak nu keur usay-usey bari molotot téh dipoto. Diaplod, maké judul ‘Sepandai-pandainya cecak merayap di dinding, akhirnya tidak berdaya, kokoséhan di mug kopiku, Jenderal!’ Send!

MERANGAN HAMA

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 15:48:27

Geus teu kuat ku jéngkél. Béréwék, Kulit sirah dibébékkeun. Bar, diamparkeun. Jleng kana gumplukan palebah punduk tuluy disasar lalaunan. Keketeyepan, panon ngulincer néangan jirimna. Gulusur karasa ku leungeun, gurinjel. Beretek lumpat. Geuwat diudag, kep katéwak. Gugurinjalan hayang leupas. Jekuk ditajong, getih ngaley palebah bujurna. Tapi awak jeung sukuna masih kénéh roroésan. Jebrod ditimpah, péjrél saharita. Puas, siah!
Rap, kulit sirah dipasangkeun deui. Dilelempeng dibebener, buukna dibérésan. Geus musna si mangkeluk téh ayeuna mah bakal tiis moal gégétrét waé. Golédag ngedeng tuluy reup saré.
Tengah peuting meujeuhna jempling, kuring tibra. Dina salah sahiji lambaran buuk aya nu nyéngcélak bodas beuneur, endog leutik. Peuting beuki simpé waktu éta endog mimiti meleték. Aya nu ngurumuy lalaunan. Mangkeluk leutik sukuna rapang sagenep-genep. Ngarayap lalaunan luak-lieuk néangan pamuntangan. Mapay-mapay lambaran buuk ninggalkeun cangkang endog, anjog nepi kana tempat nyirung buuk. Dirarampa bet asa ngenyod. Dicobaan ku sihung ditojoskeun. Jeletot…!

BÉBÉRÉS JEUNG BUTA

Kénging Erik Clasic'visi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 14:59:09

Kibort hapé ngampar sakitu legana, niat kudu beresih wanci panon poé ngureb sinar bubuledna. Mangkaning ngan sorangan. Leuheung nyapuan sawah mah. Ieumah kibort hapé, aya lima puluh héktar mah.
Ngalamun deui, ngusap raray deui ja késang nyuruhcud teu eureun. Barang dirérét, sisieun aya sabalongeun mah késang téh.
Gedeblug. Sora aya nu labuh belah kéncaeun, horéng Buta Héjo. Ngalumuruk leuleus. Barang ditanya si Buta anu keur engap-engapan ngajawab. "Aing halahab!" Geuwat dituduhkeun ka gigir, jol regot di inum késang uing sampé ludes.
Cénghar si Buta, atoh ngagaléntoran leungeun. "Aing hayang mulang tarima kana dia." Éngab si Buta.
Asa kabeneuran, lajunamah diinjem ta la buukna. Dijieun sapu pikeun mereusihan kibort, najan saemé géh bereusih tina cileuh kalimah, ngalumayan keun.
Cengkat si Buta ilu mantuan bébérés. Gap kana cileuh, di gulung, didorong neupika sabuleud-sabuleud dipiceunan kana juru hapé.
Nguyek duaan nepika wancina datang soré.

Goréhél jadi fikmin deui

TANGKUBAN PARAHU

Kénging Idham Hamdani
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 14:51:37

Sangkuriang geus kebat muru Dayang Sumbi anu kabur ka kidul. Parahu nu ditajong nepi ka nangkub mah cul wé ditinggalkeun.
Gigireun parahu nangkub sabangsaning jin tingharuleng. Pada-padabingung kudu kumaha ngarobah parahu jadi gunung. Nepi ka bray beurang enyaan can kapikir kénéh. Tungtungna malik keuheul ka nu nyieun carita. Naha bet kacida-cida teuing nyieun carita téh!

URANG

Kénging Teh Zaneta
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 13:31:02

Asana kamari urang mimiti panggih. Atawa kahalangan kitu ? Kahalangan kamari meureun.
Ja geus heubeul urang papanggih. Tapi, asa kamari kénéh.
Kiwari urang pajauh deui baé.
Mun aya rasa ngeun bisa kokono dina sms. Cacahan ngeun ukur dina telepon atawa chattingan.
Kasono monuhan pikiran.
Duriat nungtutan paregat.
Manéh datang jiga caah maling. Mawa sakabéh rasa, nu moal pieun dibalikeun deui.

SAGUNCLUK KAHAYANG

Kénging Erik Clasic'visi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 13:14:27

Budak langka
anu kieu mah. Sigana di sakampung éta
mah pangmalaratna
meureun. Rompokna ajur, doang saung
butut anu geus ka beuleum, laju dibalur ku
leutak. Ari pagawéanana, buburuh ngoréd.
Awakna kuru, buukna ngiriwil. Ngan
ngabogaan kahayang anu buadag jasa.
Saenggeus lulus kuliah, si kuru teu langsung
meunang gawè. Nguah sawah, ngèjo
paradah. Keur ngabongèkeun manèh tina
omong batur. Di hèndèp saung, tengah
sawah, manèhna keur nalak-nilik
babatangan jèngjèng.
Sakebel moè buah pangangguran, angin
sumangetna ngajirim jadi rèbuan batang
jèngjèng. Saguncluk jadi sa sawah. Sa
sawah jadi genep sawah. Jadi leuweung,
ngurub saung butut, anu jadi leutik
kadeuleuna dikurilingan babatangan. Teu
karasa, kasusahna geus tilu puluh taun,
dilakonan di jero leuweung.
Sebet keur kiih, ngahaneng, asa kiih di
kota. Pas ka saung deui, leuweung jadi
leungit. Nu aya, insinyur, anu geus menang
gawè. Jangkung kasèp, makè hèlem jeung
sapatu bot.

TUGENAH

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 13:09:22

“Wan, rék neruskeun ka mana kuliah téh ? Haji Somad naros putrana,Ridwan, nu karék bérés UN.” Ka UPI, Abi jurusan basa Sunda.” Jawabna singkat tandes. “Naha ? Lain béjana basa Sunda téh dieuweuhkeun tina kurikulum anyar. Rék jadi guru di mana?” Haji Somad sasauranna téh semu teu percaya kana kahayang putrana. Muhun si(h) Abi, nguping mah kitu, tapi da para inohong Pasundan gé teu caricingeun. Aranjeunna nuju merjuangkeun sangkan basa Sunda tetep aya na kurikulum. Sareng pan jaman mah robih Abi, bakat ku tugenah, bakat ku nyeri disapirakeun, boa basa Sunda téh janten Basa Nasional.”

EMA JEUNG KUKUPU

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 13:03:05

Budak umur opat taun meujeuhna piindung. Nginghak dina golodog imahna, nyawang éndahna kekembangan nu marangkakan. Wayah kieu téh apanan biasana indungna keur bébérés di buruan bari nyéboran pepelakan. Sorana ngagalindeng tetembangan, aya kidung, jejemplangan, atawa sekar manis kalayan basajan. Sorana lirih ngayun ambing, mapalérkeun pikir nu keur berewit rungsing.
“Ngampih atuh Dédéna, seueur laleur didieu mah!” ceuk bapana.
“Ema...Ema....Dédé hoyong ka Ema....!” tanggah neuteup ka bapana.
“Emana ogé apanan tos jadi widadari anu geulis ”
“Naon widadari téh, Bapa?”
“Widadari mah istri nu geulis, tiasa ngapung saperti kupu-kupu nu lalucu itu!”
Budak téh nyusutan panonna anu rambisak, neuteup anteb kana kukupu nu kekeleperan hiber, eunteup dina kembang aster, pindah kana kembang hébras, clo deui kana kembang eros. Kitu jeung kitu bari mébérkeun kelir jangjangna anu éndah.
“Sareng apanan ayeuna mah Dédé tos gaduh Ema anyar...” imut bari ngusapan.
“Dédé mah hoyong Ema......” budak ngagoak, hing deui ceurik bangun kanyenyerian pisan.

MARATHON

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 12:46:20

Saha nu ngudag, jeung naon nu diudag teu puguh jujutannana. Ngan ti saprak ninggalkeun kalang start, asa teu reureuh muru kalang finish. "Sumanget, Geulis. Tuturkeun sora Akang. Sing kiat." kapireng haréwos balas deudeuh, dareuda. Masih kénéh didieu, dina jalur nu geus ditangtukeun. Rét, ka satukangeun, kalang start geus teu katinggali. Teu eureun lumpat, tapi kalang finish kalah ngajauhan, tanaga beuki rosa. "Nyerah... Geus capé." gerentes haté nyoara. Ikhlas, mun seug kudu eureun didieu. "Astaghfirullohal adziim... Tuturkeun Akang, sadar, Geulis!" sorana kapireng deui. Lain, lain teu hayang nuturkeun sorana, lain teu nyaah ka manéhna da puguh urang kudu nyorang kamalir takdir séwang-séwangan. Lebah dieu panganggeusan, nalika Izroil nyampeur mapagkeun. "Heup, geus waktuna anjeun mulang." sorana handaruan. "Ampun, Gusti... Cinta, harta, karir kuring... Tulung!" sukma jumérit, awor jeung sora réang nu ngaji, patémbalan.

KUAH BEUKAH

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 11:19:32

Budi parangi teureuh ménak. Andalemi, nyantri tur intelék. Biantarana ngalagena murwakanti, ngéntép seureuh, kaharti tur teu matak bosen katambah diémbohan ku dalil agama nu kacida munelna. Taya codéka. Pikatajieun nu ngabandungan. Cindekna dina teuteup saliwat haté bakal ka iwat ku manéhna nu dumadakan ngajirim jadi pribadi pinuji nu matak tibelat. Rék teu kitu kumaha tuda, rupa teu ménta tampang teu nguyang ditambah capétang tur perténgtang lain bobohongan.
Ku kituna basa kaparengan mingpin rapat dines jeung manéhna, teu kudu loba huntu atawa pacéntal-céntal omong padungdengan. Sagalana bérés roés ukur dina waktu sakedét nétra. Tutas rapat, gutret berita acara ditéken pikeun maheutkeun kaputusan nu geus dimupakatkeun sangkan teu diucik-ucik engkéna.
Tutas rapat manéhna amitan, sasalaman bari ngaharéwos. “Kadé Yi! Bagian akang samunikeun dina és-pé-jé! Omat!” Pokna teu kireum-kireum. Kuring ukur ngabetem. Teu nyangka ukur nepi ka lebah dinya.

REUNTAS SAPISAN

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 10:58:54

“Islam?” némpas obrolan ku pananya. Waktu dibéjaan, aya nu rék nganjang. Wani wakca sotéh, pédah geus kacekel, rék mileuheungkeun kuring lain saheureuyeun.
“Nya muhun atuh, Mah. Mangga teu?” ditungtungan ku nanya. Jempling.
“Barangnya kan bisa dilihat dulu, Mah. Héhé!” nyoba ngolongan.
“Ka si Bapa wé!” ngaléos.
Meg! Angen kuat ka seueul. Apal rindat nu jadi indung. Duh. Kumaha teuing mun bener teu satujueun?
Bang Ucok nu bageur. Bang Ucok nu perhatian. Bang Ucok nu micinta. Bang Ucok nu satia. Can nanaon, kahariwang jul-jol ‘na jeroeun sirah.
“Na teu kapilih lalaki sunda, Eulis?” Indung. Saperti biasana. Seukeut. Togmol. Teu didingding kelir.
Ngarérét ka Bapa, ménta bantuan. Taya nyoara.
“Béda adat. Béda karuhun. Sanggup kitu?” datar. Pananya nu lain jawabeun.
"Andigan do boi paloasonmu au ro tu jabum?"
Teuing kumaha ngajawab eta sms. Baluweng.

________
Andigan do boi paloasonmu au ro tu jabum = iraha salira ngawidian Akang nganjang

SAKIEUUUU

Kénging Utami Lokayanti
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 10:56:30

. Urang padang teu apal basa sunda manehna nyareri awak nya ngumaha ka tatanggana. Kang di sinie adoo tukang pijiee cenah ,ceuk tatanggana ada tapi Gɑ̤̈ bisa bahasa Indonesia....haa tak opoolah bawalah tu orang ceuk urang padang bahasa indonesina can pasih pisan. Kacaritakeun der we di pencetan keur kitu urang padang ngagorowok ..sakieeeuu cenah, tukang pijit aduh Sakieuu..tarikan deui mijitna the...gorowok deui nu di pijit the Sakiiieeeuuu cenah bari rada ambek, tukang pijit nangtung, langsung di tincakan da ku leungeun mah kurang tanaga, gorowok deui nu di pencet tehh sakieuuu..sakieuuu cenah bari lungse nahan nyeri..tukang pijit ambek kudu kumaha deui cenah lieuk ka juru aya halu .pikirna mun ku halu karak karasaeun cenah...bareng gap beleudug.beledug ku halu nu di pijit..sakieuuu..sakieuuu beki tarih di pijit beuki euweuh soraan ..nu mijit karek sadar...oh nyeriii meureunnn beuuu........

PAAGUL-AGUL DAHAR

Kénging Laskar Sunda
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 10:48:25

“Uing kamari mah dahar Sangu Uduk nu pangmahalna, hargana gé sapiring Opat Ratus Rébu, lah pokona mah ngan jalma kaya baé nu bisa dahar sangu uduk éta mah.” Ceuk Émén agul.
“Uing angot, kamari geus dahar di réstoran nu pangmahalna di Jakarta Mén. beuh, mantap téh dahareunana gé mesen nu spésial di réstoran éta. TUJUH RATUS REBU!!!” Témbal Éwo teu éléh géléng.
“deuh maranéh sakitu baé gé aragul, Uing mah angot geus pernah dahar Bakar Hiu, hargana gé mahal pisan, hijina Sajuta Satengah.” Ujang milu nimbrung.
Jol datang si Barok.
“ari manéh tingdi baé? Didagoan titadi teu daék datang, ari ayeuna geus bérés acara kakara datang.” Ceuk UDin semu séwot ka si Barok.
“duh hampura euy, Uing geus dahar heula”
“dahar naon manéh nepi ka lila kitu?”
“dahar saté nu di luhur gedung saté, kalah érép ku sorangan. Bongan tadi di sms teu dibarales.” Témbal Barok bari gék diuk.

KEUR AKANG NU DI PANGETÉMAN

Kénging Laskar Sunda
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 09:40:25

Abong nu keur karandapan ku duriat, isuk-isuk Badri geus dangdan rapih tur seungit. Ngan ukur teu hayang kabeurangan ningali Lastri, mojang tatangga lemburna di tempat pangetéman angkot, najan can tangtu Lastri apal ka Badri.
Daék teu daék Badri kudu geus mangkat jam satengah genep, lantaran Lastri sok datang ka pangetéman jam genep kurang.
Nepi jam genep Badri ngadagoan Lastri, can aya jolna kénéh.
Jam satengah tujuh can aya kénéh. Jam tujuh, jam dalapan, jam salapan, nepi ka peuting can datang kénéh éta Lastri.
Isukanna Badri aya kénéh didinya, tigin ngadagoan mojang nu dipikahayangna.
Jam tujuh, jam dalapan, jam salapan nepi ka beurang deui Lastri can aya kénéh.
Haté Badri geus teu puguh rarasaan.
Jol, datang jalma awéwé kolot nyampeurkeun Badri bari ngasongkeun surat.
Dina kopna kabaca
“Keur akang nu di pangetéman”
“Ti Lastri”
Clak, tina kongkolak mata Badri sanggeus maca eusi éta surat.
“Akang bakal ngatosan nyaiii..!!!”

UFO?

Kénging Ari Firman Bustomi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 09:03:14

Peuting tadi, aya UFO turun di buruan imah Si Ujang.
Nurunkeun M Nuh,barudak sakola nu diajar ku Si Ujang, Susno Duaji, tukang galon, barudak kosan, SBY, Ibu kosan, dulur-dulur di lembur, Adi-adi, Mamah, Bapa jeung sakabeh jalma nu aya dina uteuk Si Ujang.
Tapi disidik-sidik gening asa aya nu kurang.
Ku naon Anjeung teu diturunkeun ku UFO?

KU DOMBA DEUI

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 08:56:25

Lumpat satakerna méh-méhan titotolonjong. Késang ngoprot, ngabaseuhan sakujur awakna. Barang sup ka kelas, bapa guru anu sohor panggalakna geus ngabedega. Nanya hohoak :”kunaon manéh kabeurangan?”. Najan ngeleper si sujang ngawani-wanikeun ngajawab :”kedah ngawin-ngawinkeun heula domba”. “Hah! …. kitu-kitu waé mah kapan bisa ku bapa manéh!” sentak guru, sorana ngageleger méh ngeundeurkeun kelas. Bari jeung angger sieun, si sujang ngawani-wanikeun ngajawab : “moal tiasa pa guru, anu kita mah kedah ku domba deui……..”. Ger kabéh murid, sareuri ngeunah naker, kaasup pa guru galak ngbarakatak nepi ka cirambay.

RUMASA

Kénging Setiabudhi Budi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 08:33:00

Rumasa geus sakieu gedena teh can bisa ngaji. Matak basa pere rada lila, kuring jeung babaturan duaan ngahaja ka Cigadog Sukabumi hayang diajar ngaji ka Mama Kiayi. Mama Kiayi ngahuleng basa ningali kuring tiluan, geus jaradug can bisa ngaraji. Kumaha ngajarna….? Ari rek nyongcay waktu, husus ngajar kuring tiluan, santri-santri nu sejen moal kaajangan. Ari rek dihijikeun jeung nu sejen, puguh can bisa nanaon. Tungtungna mah kuring tiluan dihijikeun jeung barudak lalembut nu karek diajar alip-alipan.
Hayang seuri aya, nalangsa oge aya. Diantara puluhan barudak lalembut nyelap tilu budak nu geus teu bisa dianggap deui budak. Geus baruluan….
Unggal rek ngaji jeung saenggeusna, barudak teh sok nyarium tangan Akang (santri nu ditugaskeun pikeun ngajar barudak laleutik). Teu tinggaleun kuring tiluan oge ting aresod milu nyium tangan Akang nu umurna sahandapeun kuring saeutik.
“Nun Gusti Nu Maha Agung…abdi rido pami ayeuna abdi kenging kaisin…batan engke di aherat abdi ngisinkeun….”

SI RAJA TEGA

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 07:36:54

Sabada dua poe ninggalkeun imah, aya SMS ti pamajikanana. Unina, "Geura mulih Kang, nyeuseul teh ulah kamalinaan. Abdi terang ayeuna akang aya di hotel disarengan ku istri,". Cakakak manehna seuri. "Moal balik, aing tea Si Raja Tega," kitu balesan SMS ti manehna. Isukna aya deui SMS "Tos Kang, geura mulih. Abdi ayeuna tos teu ambek deui ka Akang. Ieu Si Teteh sareng Si Ade panas, bade ka dokter, peryogi artos,". Cakakak manehna seuri. Terus manehna ngajawab SMS, "Moal balik, aing tea Si Raja Tega!". Isukna deui, barang maca SMS ti pamajikanana, manehna pohara reuwasna. Langsung beberes. Awewe anu maturan manehna opat poe sare di hotel, gancang dititah balik. Dikeupeulan heula. Gura giru muru imahna, da nu dicaritakeun ku pamajikanana dina SMS bisi kajadian. Togmol pisan uni SMS ti pamajikanana teh "Upami akang teu mulih wae, KAMAR ALIT NU CAKET WC bade dikontrakkeun!" cenah.

JAGO LOHONG

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 07:16:08

Deuleu Ki Jirjis keur ngosréng ngasah golok, dak! Golok Ciomas dilandi si oray sinduk, beuki hérang ngagurilap. Nyéh Ki Jirjis. Geus heubeul dia teu ngambeu beuheung, gerentesna bari ngusapan seuseukeut waja. Jung nangtung, laju leumpang mapay lembur. Balaréa beuki éwuh kadéngéna. Susah ku polah pamingpin. Jaro lohong beuki bikang bari daék pulang-paling. Jog ka balé désa. Suwung. Ukur aya Ulis Bidin. Keur ngaheling baé ngahéot lagu Kabogoh Jauh. Jeduk tuurna ditajong. “Ajaaawww….” Ulis ngagoak bari nyungkur tina korsi. “Ka mana Jaro?” Nu ditanya muringis tutunjuk ka luar. Ki Jirjis marah, lajag-léjég samar polah. Gedig balik. Di buruan imahna kasampak kotok jago keur macek jajangkar. Ngeunah jasa kadeuleuna. Kikiplik laju kongkorongok. Lar kabeneran Ki Jaro ngaliwat. Ki Jirjis mureleng. Nyel. “Héh, dia senang amat, nyah! Macek bikang, maling duit nagara, laju kongkorongok mungkir ka rahayat!” Belewer golok. Geresel dipeuncit. Lung dibalangkeun ka dapur. “Panggang, Nok!” pokna bari nyuplak péci beureum.

MANGSA DULAG DULUGDUGDAG

Kénging Ambu Pikar
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 06:57:59

Puasa geus dalapan likur poé. Surmi jeung Warja, salakina kebek ku kabingung. Lima anakna méh saban poé ngarenghik ménta baju lebaran. Boro-boro keur meuli baju, kapanan dahar gé koréh-koréh cok. Manéhna ukur buburuh tandur. Salakina tukang kuli panggul di pasar.
“Gusti, pasihan abdi rejeki,” gerentes Warja bari indit muru pasar, sanggeus amitan ka Surmi.
Wanci Asar gawéna réngsé, Warja mulang. Awakna lungsé. Tikorona elok-elokan nempo nu ngaregot céndol jeung ngadahar samangka. Jetruk! Dompét katajong. Dipulung, diilikan. Laju dibuka. Eusina duit metet jeung kartu-kartu arahéng. Dibaca Katépé-na, ngaran Kusumah. Kolébat! Beungeut anak-anakna nu rumenghik harayang baju lebaran narémbongan. Gep, leungeuna kana duit. “Lain nu anjeun,” batina ngélingan. Bes, disesepkeun deui. Haténa sabil! Ahirna Warja mapay-mapay alamat nu boga dompét. Sanggeus anjog, dompét dipasrahkeun. Manéhna mulang rurusuhan muru buka puasa sapiri-umpi. Isukna, supir Pa Kusumah datang, angkaribung babawaan. Takbir, tahmid, jeung tahlil ngaguruh jeroeun dada Warja. Dulag lebaran mingkin dulugdugdag.

BURON

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 05:26:53

Baheulana kumawasa. Ulah kumawani nangtang manéhna. Ramé, kasusna kabongkar. Ocon jeung hukum. Nu sok néangan jadi ditéangan.

NGUSEUP

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 04:24:00

Useup dialungkeun kana cai. Kuring manteng neuteup tungtung jeujeur. Anteng neuteup tungtung kenur. Anteng neuteup kukumbul. Teu lila. Jedud, useup aya nunyantok. Gulusur, kenur kadudut. Kukumbul tikerelep. Jeujeur geuwat digentak. Gudibeg, pabenyéng benyéng kenur. Gurilap, tikajauhan natungtung kenur, kaciri lauk sagedé opat ramoeun ngaborélak. Lep, lauk teuleum ngabenyéng kenur. Barontak dijero cai. Kenur kukuring diulur. Beuki lila, lauk beuki leuleus teu walakaya. Lauk geus teu ngalawan. Kenur mimiti kukuring dipulut. Det, karasa pageuh nyangked. Jeujeur kukuring dikenyed. Pucunghul, lauk ngambang teu daya teu upaya. Kenur kukuring digolong. Soloyang, lauk nyoloyong nuturkeun kenur nudigolong. Borélak, borélak, borélak. Geus deukeut katingali lauk getihan. Beuki deukeut beuki jelas lauk lamokot ku getih. “Naha teu jiga biasana kuring nguseup meunang lauk nepi kabaloboran ku getih?” kuring ngagerentes ngarasa anéh bari terus ngagolongan kenur. Lauk geus deukeut kana leungeun. Kenur kukuring diangkat. SOFTÉX getihan ngagantung boborélakan.

BANJIR

Kénging Fhathani Mukhthi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 03:02:55

Tas dahar sataker kebek , beuteung karasa eungap , ngadayagdag dina korsi.
" Jang ! ieu Mamang gaduh cau nangka saturuy , hoyong katuang ku Ujang !" Ceuk mang Oyon , tatangga sabeulah bari nunda cau hareupeun.
" Ieu kabeneran Aki tas ngabedahkeun !" Ki Modin ngirim kancra badag naker.
Geus saminggu ngadadak tatangga ,dulur salembur baraya tinu anggang ngadadak antri barang kirim , ditungtungan neda pidoa . pangjiadkeun , di imah geus patalayah sagala aya ... Uing ngadadak jadi raja , sagala kahayang tinggal nyarita , omongan Uing dianggap peurah
" Tarimakeun ..." ceuk Indung basa Uing nyaritakeun kaayaan ,
GUBRAG...!!! awak linu tarang bancunur , baju jibreg diseblok pamajikan

KUTIL

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 02:06:26

Loba nu nyangka ka mang Abo menangkeun Lilis tèh ladang mèlèt, rèk teu suudzon kumaha Lilis nu sakitu geulis camperenik, awak konèng jaba ngareusi, meni maskèt ka kang Abo nu pakulitanana bodas kolot, irung bangir kajero, bari teu boga pagawèan matuh.
''Cik bèjakeun ka ema, naon sababna Lilis bèt deudeuh kacida ka kang Abo tèh?'' indungna nanya. Lilis ukur imut. '' yeuh..rengekeun apan Lilis nu usaha tèh, mèlaan kikiriditan, ari si Abo ukur cicing, mèmang Lilis tèh harita randa waktu dipihukum, tapi naha meni asa kabina-bina teuing'' ceuk indungna pok deui panasaran. Lilis cengkat tuluy ngaharèwos."Naon? Kutil!''.Lilis unggeuk imut deui pikalucueun.
''kutilna dina naona, Lis?''.Sajongjonan jempling Lilis keukeuh ngaharèwos semu èra mun ngomong tarik tèh.Antukna dipaksa-paksa teuing mah Lilis balaka, yèn èta kutil tèh aya dina watang kang Abo pisan. Indung reuwas tuluy seuri bangun nu surti.

DONGÉNG NGAHEURAP

Kénging Irawan Babéh Lova
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 01:55:15

Lalaki nangtung dina timbaruang, nyangking heurap nu rék dibalangkeun ka lebah sugan. Tali tina haluan jeung buritan dibakutetkeun kana rokrak panjang nu ditancebkeun ka dasar sagara belah sisi. Luhureuna, panonpoé keur tunggang gunung ngudag méré isuk lembur ditu. Diayun-ayun lambak burit nu digébah angin. Lung heurap digebarkeun, ngarungkup. Jungjunan mimiti dipulut, hampang. Beuki dipulut beuki beurat. Rasa mokaha mulutna. Haté jeung pikirna susurakan. Gebeg.”Naon éta nu kaheurap?” ceuk gerentesna. Ngagunduk hideung ngabulen. Ngawani-wani dirina nyingraykeun batu heurap. Beuki katingali nu kaheurap embut-embutan. Lalaunan dicabak. Buricak, burisat. Reuwas, nu ngagunduk nyempurkeun cahaya. Jero sela-sela cahaya kaluar jirim. Beuki reuwas, écés jirim manéhna mangsa katukang. Katangén beungeutna maleukmeuk geuneuk, ngalayang bari gugupay ka manéhna nu ukur tanggah. Pangaciana pajeujeut kénéh, geus kaluar jirim manéhna kiwari nu haré leumpang luhureun cai, ninggalkeun manéhna ka tungtung deuleu. Lalaki nagog, melongkeun cahaya, nganti-nganti bilih bisi.

LADANG NYIMBUTAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 00:42:42

Sanggeus salakina kapilih jadi lurah. Nurmi, dumadakan jadi umangkeuh. Cap jahéna mingkin napel. Ceulina remen geunteul. Loba nu kaduhungeun milih salakina jadi lurah. Pareng aya pangajian, tablig akbar. Masarakat tungkeb. Heurin usik. Nurmi témbong gumeulis. Reunceum. Sagala diterapkeun. “Bu Lurah, geuning linggihna teu di payun!” ceuk Nini Asnah, bari rengkuh. “Ah, hoyong didieu wé, sareng ibu-ibu!” témbalna, bari gulak-gilek. Gék diuk gigieun Nini Asnah. Pas acara ngadoa, jep jempling. Husu pisan. Na atuh, dumadakan, aya sora nu meledos. Meledek. Atuh anu dariuk di tukang pahibut, marencét irung. Bari seuri di tahan. “Cik, sopan atuh euy! Boga bujur butut mah, tong dibawa pangajian! “ ceuk budak pamuda, nyelengkeung. Nini Asnah geuwat nangtung. Bari ngaharewos.”Hampura barudak, bujur Nini mah teu bisa diajak masamoan!” pokna. Semu kéom. Pangajian lekasan. Isukna. Nini Asnah ngarasa kagét. Tara tisasari, kadatangan lurah, bari mawa béas sakarung jeung bahan pibajuaeun.

MIARA KUTU

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 00:32:53

Sigana, ngahaja kuring dipiara, méh ateul, gagaro, gégétrét, néang luang hayang disiaran, malah silih siaran, diusapan, nyangsaya dina dadana.
"Kang, sigana aya deui yeuh, karaos ateul kieu !" buuk dirumbaykeun. Lalaki bungah, bakal narima jatah, siga malem minggu kamari.
"Héy, Aing di dieu !" ramo na nepak awak, ngan haré-haré kur ngiceupan. Ngarti, mun Aing paéh, meureun moal bisa ngusapan deui.
Leungeun nu nyaliksik, lalaunan turun kahandap, nyingraykeun salambar iman, murudul.

LADANG NYIMBUTAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2013 00:29:43

Sanggeus salakina kapilih jadi lurah. Nurmi, dumadakan jadi umangkeuh. Cap jahéna mingkin napel. Ceulina remen geunteul. Loba nu kaduhungeun milih salakina jadi lurah. Pareng aya pangajian, tablig akbar. Masarakat tungkeb. Heurin usik. Nurmi témbong gumeulis. Reunceum. Badis toko maju. “Bu Lurah, geuning linggihna teu di payun!” ceuk Nini Asnah, bari rengkuh. “Ah, hoyong didieu wé, sareng ibu-ibu!” témbalna, bari gulak-gilek. Gék diuk gigieun Nini Asnah. Pas acara ngadoa, jep jempling. Husu pisan. Na atuh, dumadakan, aya sora nu meledos. Meledek. Atuh anu dariuk di tukang pahibut, marencét irung. Bari seuri di tahan. “Cik, sopan atuh euy! Boga bujur butut mah, tong dibawa pangajian! “ ceuk budak pamuda, nyelengkeung. Nini Asnah geuwat nangtung. Bari ngaharewos.”Hampura barudak, bujur Nini mah teu bisa diajak masamoan!” pokna. Semu kéom. Pangajian lekasan. Isukna. Nini Asnah ngarasa kagét. Tara tisasari, bet kadatangan lurah, bari mawa béas sakarung jeung pibajuaeun dibungkus kérésék.