Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 April 2013 (38 Naskah)


RASA MANÉH

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 23:51:36

Kumalayang. Mébérkeun jangjang kawanén. Treup, eunteup na dahan pangluhurna. Angin gumelebug, ngendagkeun awak jeung dahan pangeunteupan. “Ulah luhur teuing...” sora Abah, pinuh wiwaha. “Urang kudu cicing di tempat nu bisa diayonan” ceuk Ambu, natrat kadeudeuh. Teu dipiroséa. Rasa manéh. Belekesenteng, buta tulang buta daging. “Aing lalaki, kudu lébér wawanén” Mingkin wani. Nangtang angin lilinduan. Mencrong morérétna panonpoé. Rasa manéh.

Séor..., angin puyuh ngadeukeutan. Disusul hujan ngagebrét. Guludug patingjelegur. Burinyay..., jelegér !!! Gelap ngampar neumbag awak. Koléang. Brak !!! Ninggang lemah. Jangjang rangsak. Awak pasiksak. “Deudeuh Sujang” Ambu, cumalimba. “Ulah sombong. Jadikeun eunteung” Abah wijaksana. Nuwuhkeun deui sirung harepan.

HIRUP NUNGGELIS

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 23:44:59

Reup, langit poék katutup ku méga hideung. Burinyay kilat bareng jeung gelegerna sora guludug. Brét, hujan lir dicicikeun ti langit. Ngarérét kana lalangit para imahna. Rembes. Teu sawatara lila, ngurutug kana palupuh. Bi Minah terus ngojéngkang ka dapur, nyokot baskom jeung elap. Haté Bi Minah cumeluk, sasambat ka salakina. "Bah, lamun aya kénéh abah, meureun aya anu pangomékeun. " Tuh! Tingali para bocor, kenténgna meureun ngolosod!" Ema kairisan Bah! Baheula mah, keur hujan kieu téh teu keueung, da Abah tara jauh ti Ema. Jabaning awak Ema ngarasa haneut dikokohod ku Abah. Na ari ayeuna, nya tiris, nya beuteung lapar. Bah kuring milu nya?" ceuk Bi Minah bari rarat-rérét ka sakulibek imahna. Rét ka juru, kojéngkang leumpang. Gep kana tambang anu meunang ngarara poé kamari. Terus tambang dijieun kékéséd keur jualeun poé isuk.

PAMÉNTA TÉTÉH

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 23:41:23

Di buruan imah uing ramé. Pulisi cakah-cikih. Aya nu masangkeun garis pulisi. Teu ngarti naha naon nu kungsi kajadian. Ogé naha uing isuk kénéh geus aya di luar. Biasa gé ngagojod kénéh lamun can wanci tangangé mah. Ti kaanggangan kapireng ema eueuriheun. Sada nyambat ngaran uing. Bapa di buruan hulang-huleng ditanya pulisi. Tuluy uing nginget-nginget kajadian. Tadi peuting téh pan uing dipéntaan tulung ku Tétéh. Geus lila kétah paméntana mah. Ngan kakara ditedunan tadi subuh. Lain nyapirakeun kana paméntana. Bubuhan ngarumasakeun leutik burih. “Manéh mah gawé téh ngan pupulur méméh mantun. Kanjut dina punduk. Iraha nyubadanan paménta Tétéh. Geus teu kuat ku panyiksa.” Tétéh mageuhan rangkulan. Uing gé boga kaéra. Subuh éta uing nyalingker ngadodoho nu tas mulang ti diskotik. Leungeun katuhu ngajingjing kampak. “Adi téré haramjadah siah!” lanceuk téré nyorowok ti pipir bari ngaheumbatkeun bedog. Ti dinya teu inget deui nanaon. Nu ti tatadi pada ngariung téh siga uing.

NUNGGUAN SARATUS TAUN DEUI

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 23:29:58

Haédar ujug-ujug ngajega tengahing jalan nu ngabulungbung. Cikénéh manéhna pada ngagugulung, gering ripuh. “Boa aing geus paéh.” Gumerendeng. Lapat-lapat katinggal panto gedé tur luhur di tungtung jalan. Cahayaan, patingborélak konéng emas. Atra tikajauhan.
Cenah, éta téh panto sawarga. Haédar kacida bungahna, sab geus ngarasa bakal asup ka sawarga. Kituna mah pantes, lantaran mangsa hirupna kakoncara handap asor. Resep méré mawéh ka jalma sangsara, tara ngarempak papagon agama tur rajin ngahadiran pangaosan. Sanajan bari tara pok-pék, teu kalis kaselang ku hayang saré heula.
Nepi ka hareupeun panto, réa jalma ngantri rék abus ka jero. Bari ngadagoan antrian, gék diuk dina batu. “Reureuh heula ah, keun wé batur tiheula.” Pokna, tuluy nyalsé. Antukna tibra awahing ku capé. Hudang sotéh pedah mireng ngagebrugna panto nutup, dibarengan ku sora handaruan : “Tungguan! Ieu panto bakal muka saratus taun deui!” Haédar cindekul nungguan panto sawarga nepika aya nu muka saratus taun deui, bari nundutan.

TUKANG BAKWAN

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 23:24:42

“Pami leres Aang bogoh ka abdi. Tabuh salapan énjing, diantos ku abdi di bumi. Kadé, teu kénging telat!” Sms ti manéhna, ku kuring ditémbongkeun ka tukang bakwan. Saumur nyatakeun cinta, kakara ayeuna aya awéwé nu méré harepan. Saratus persén mah sigana kuring bakal ditarima. Naon deui, asal ulah telat. Komo mun datangna jam dalapan mah, diajak kawin ogé sigana daékeun. “Kadé atuh ulah telat, da nu bogoheun ka si Tétéh téh loba. Ulah digawé mun bisa mah” Tukang bakwan, langganan kuring téh, méré bongbolongan. Puguh wé asa kaingetan. Enya, ceuk béja, nu bogoheun ka manéhna téh loba. Bisi kaburu kapiheulaan, isuk mah kuring rék peré. Isukna. Jam salapan téng. Kuring geus di imah manéhna. Sabada uluk salam. Kuring dititah asup ka jero. “Enéngna ogé tos angkat da, Cép. Tadi, aya nu ngajemput” Kuring ngajenghok. Reuwas nakeranan. “Sareng saha kitu, Bu, angkatna?” Kuring panasaran “Sareng si Emang nu sok icalan bakwan!”

PAGURON TAPAK BATU

Kénging Ya Soebarta
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 21:52:20

-kalakay sakti-

Jorélat! Jorélat! Seettt! Jurus Kalakay Ragrag mitembeyan. Sagara héjo caina. Tengah leuweung. Beulah kulon lungkawing gunung batu. Ngajegir nyanghareupan panon poé. Hurung ngempur saban katojo. Belesat! Haseup bodas nyuruwuk meulah simpé. Des! Des! Des!. Tilu kali nenggel hulu angen. Hek! Sora kapengkek. Haseup ngiles tan raratan. "Hadé ogé élmu tan jirim Andika" Kalakay mésem. Dampalna napak sagara. Sidakep. Peureum mapatkeun ajian. "Saha Andika wawanianan ngaganggu tapa Kaula?". Haseup bodas ngelun 'na emun-emunan. Nyelesep kana jero sirah. Nepi kana Haté.

HARTA SETAN

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 21:35:26

Awak gépéng lir pépéték jadi tatapakan wangunan karajaan buta. Cipanon getih tinggal kamalir nu garing ngagurat parat sakujur raga. Rét ningali tanggah kana gapura katingali si Bungsu dipanggang jadi hiasan. Kocéak dengék teu eureun nganaha-naha " Bapa......geuning ku téga abdi dikaniaya di alam ieu, Bapa......téga..... !" Can kungsi cacap bréh kasawang pamajikanana datang dirarewég ku bangsa buta duka rék dikumahakeun. Jumerit maratan langit "Tulungan pa......ampun.......!" Les sorana ngiles kalimpudan ku sora buta anu hag hég hog ngagurumutan awak pamajikanana. Haténa ngarakacak geuning nyata harta sétan téh ngan ukur mawa cilaka. "Duh kumaha jaga nasibna si Cika"l.

CHANDRA-SASIH-WULAN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 21:26:10

Wanci bulan purnama. Mangsa ayuning luang. Nincak wuku warigagung. Jatingarang tebéh tengah. Nini Antéh tapabrata. Sidakep sinuku tunggal. Neneda ka nu Kawasa. Hyang Jagat pamudita. Demi nononan paménta, ti kaom Ema sadunya. Mapatkeun mantra chandrakama. Dua cahaya tingbarasat. Nyirorot manjing kana garba. Pelendung! Nini Anteh ngandung. Tan nganti lila gumelar. Babar dua bulan kembar. Laju ngambang kumalayang. Papaheula ngawang-awang. Silih udag silih puter. Disérangkeun ku lanceukna. Bari keprok nyumangetan. Anjog ka sumbuna orbit. Dua Bulan beuki anggang. Misah sajajar diamétral. Tilu Bulan makalangan. Gumebyar padang narawangan. Kaom Ema kacida bungahna. Taya deui tanggung bulan. Kaom Bapa hareugeueun. Ngaregog di parapatan. Garumayot cenat-cenot. Lampu beureum iraha pareum?

ÉS NONGNONG

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 21:21:15

Anteng ngalangeu, neuteup ka jauhna ngaliwatan nyurucudna cai hujan tina panyawéran pos ronda. Manéhna rumahuh, lelembutanana angkleung-angkleungan marengan lecekna cileuncang, ngamalir nepika susukan anu caina ngagulidag umpal-umpalan. Asa nongtoréng sora Si Cikal anu ngerewih hayang dipangmeulikeun ‘fried chicken’ nu tacan pernah kaasaan ku manéhna. Acan Si Bungsu, aya opat poéna harééng, diubaran ku obat kampung tapi can aya hasilna. Lamun seug meunang duit mah rék sakalian meuli obatna, watir teuing sapeupeuting ngéar waé euweuh eureunna.
“Hampura, tong bororaah nyumponan paménta, dalah keur dahar saréréa poé ieu ogé apanan teu acan boga." gerentes haténa galécok, séah nandingan sora hujan nu kawas taya raatna.
Lamunan kagareuwah basa aya budak anu datang dituyun ku indungna rék milu ngiuhan didinya.
“Mah, hoyong és nongnong......” bari nyoo kélénéng nu ngagantung dina roda dagangan.
“Ih...bisi nyeri padaharan, maningan nuju hujan. Ke urang mésér és krim anu saé di toserba!” ceuk indungna bari ngenyang leungeun anakna.

NU NGANTI-NGANTI JANGJI

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 20:58:21

Duaan, silih léndéan, pataréma-réma, sakapeung paadu teuteup nepikeun talatah asih dina liuhna. Ungkara rasa mirupa rumpaka cinta, éndah taya papadana, sataun katukang. "Abdi alim dikantun, Kang..." sora halon dareuda balas kamelang. Gelenyu imutna karasa hambar. Lamunan peuray, basa kalangkangna ngejat, ngaringkang ngajauhan. Kiwari ukur séahna angin nu maturan kuring anteng nganti-nganti jangji miharep manéhna datang deui. Saban waktu nu kaliwat, poe ka minggu, bulan ganti taun kamalir cinta ninggalkeun peurih, nyaliara. "Kapan saur tikapungkur, dagoan satutup umur...." neuteup kosong sajauhna binarung haleuang nu kapegat-pegat, peura.

PAMEUNTEU SALIRA

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 20:34:23

Geulis kabogoh akang,nu geulis . Akang balaka, pameunteu anjeun ,Lamun diteuteup dipayun sareng digedeng teu tebih ti :" Andi Meriem Matalata, sareng Andi Soraya ". Namung akang ngagebeg palebah ninggal buah bitis salira geuning teu tebih ti buah bitis :" Andi Lala, ". Pamugi salira teu kenging bendu saupami maos fikmin akang, nu diserat wengi ieu .

NU RÉK NYINGKAH

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 20:22:30

"Ari rék facebook-an waé mah, jor siah mantog ti gogobrog!"
"Mios ka mana, ah! Puguh tos betah di dieu téh."
"Na atuh ari betah mah, teu ngagugu ka aing! Pan ceuk aing gé, montong facebook-an waé!"
"Facebook-an sotéh, hoyong silaturahmi sareng réréncangan."
"Silaturahmi! Silaturahmi! Bobogohan deui meureun sia mah!"
"Akang téh timburu?"
"Timburu? Teu érékkeun teuing timburu ka sia!"
"Pami teu timburu mah, wios atuh abdi facebook-an, nya!"
"Rék eureun facebook-an, moal?"
"Moal. Kantenan ieu alesanana teu jelas."
"Jadi sia leuwih beurat kana facebook ti batan ka aing? Nya enggeus aing nu rék nyingkah. Mana kantong gedé?"
"Kanggo naon?"
"Jang wadah baju."
"Badé ka mana kitu?"
"Ka mana bé, kuma aing!"
"Sateuacan angkat, émutan heula! Bilih palay mulih deui."
Salakina jamotrot dina korsi. Pamajikanana gesat-gesut dangdan rék ngantor. Méméh indit, pamajikanana nyarita, "Bilih badé tuang, sangu sareng réncangna tos asak." Salakina teu némbalan.
Mulang ti kantor, kasampak sangu jeung deungeunna orot. Salakina tibra di kamar.

LÉLÉ

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 19:50:24

Banjir ayeuna mah teu apal wayah. Euweuh usumna. Taktagé asa euweuh mendingna. Kétang aya. Biasana banjir kieu mah, sok dituturkeun ku banjir lélé. Sainyana mun banjir téh, siga nu beunang malidkeun ti girang. Susukan jadi pinuh ku lélé. Mokaha salembur saragem deungeun sangu téh. Jeung lélé. Sakali mangsa jorojoy hayang apal, saha nu ngencarkeun lélé téh. Dicukcruk. Disusud ka girang. Bisi aya situ nu limpas. Atawa kulah nu caah. Ari bréh téh geuning , réwuan lélé pating sérépét tina pamiceunan limbah rumah sakit. Cék petugas rumah sakit mah, pajarkeun parabna gé daging sésa operasi. Paingan baradag.

KARASA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 19:49:27

Inghakna si Eulis beuki narikan. Kuring ngan bisa ngusapan buukna nu awut - awutan. Kakeuheul, kapeurih gumulung ngajadi hiji. Hate teu wasa ninggali anak kadeudeh dinyenyeri ku salakina. Ngan hanjakal ieu letah bet medu, ninggali serengeh minantu bet siga nu ngajejeleh. Anaking ! boa - boa baheula oge urut maru- maru Ema aya kana genep urangna , siga hidep ayeuna. Tunggara nyasaak raga, rajet hate taya duana.

BALANTIK

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 19:12:57

Dedeganana, bayuhyuh. Pakulitan hideung santen. Kumis baplang, geulang bahar kènca katuhu. Andekak, udud surutu. Blèg, Oah. Saha nu nyangka, tukang balantik barang antik.
" Cak Dul, uing butuh panto lawasan primitipan, ukuran tilu mèter. Boga sètok teu?"
" Loba, karèk turun tadi peuting. Gotrèk! Mas Janu, butuh panto Maduraan. Sakalian tembongkeun, meja makan istimewa, sa papan!"
Brèh, gebyok, korsi, patulayah. Kabèh jati lawasan.
" Poslèn dinasti Ming remek sarèbu , nembè sumping. Badè ningalan?" Gotrèk, mairan.
Goci, piring, cangkir kabaheulaan ngèntèp dina lomari. Panon ngulincer. Rèt, ka juru. Camèot, awèwè makè baju kayas sahèab. Anteng ngulinkeun HP.
" Pami nu itu mah, tos aya nu mesen. Bulè!" Gotrèk ngaharèwos. Panasaran, ngarèrèt. Paamprok pelong. Jenghok, balieur. Luk tungkul. Uing ngembang kadu.

NU TEPUNG TAUN

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 17:53:01

Geus sataun kuring lalayaran paduduaan, ngaliwatan ombak sagara, neunggar jajantung, sakapeung lelenyapan asa nangtung dinu lungkawing.
Sakapeung teteg, ajeg dina iuhna kembang nu keur meujeuhna mangkak sumebar seungit ngadalingding. Taun ieu poe kamari kuring jeung manehna silih tungtun silih ngayunkeun kasono.
Ayeuna poe ieu aya nu humarurung miceun kanyeri jeung kapeurih tapi hate aya kubungah bisa silih usapan mapag usum
mangkakna kembang-kem
bang kabagjaan.

PARAHU KERETAS

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 17:39:03

Tujuh keretas. Warna - warni. Aya nu ditulisan sajak jeung surat cinta. Ogé aya nu digambaran kembang, kukupu, makuta jeung pita. Tuluy dijadikeun parahu keretas. Dijajarkeun di sisi laut. " Parahu - parahu keretas anu éndah, dugikeun seratan sareng gambar Abdi anu aya dina salira ka wanoja itu nya, omat ulah luntur!" ceuk éta lalaki. Parahu keretas maraju. Lalaunan. Tarik. Beuki tarik. Arulin jeung ombak. Saleuseurian. Wanci sareupna maranéhna karék eureun ulin, geuwat nyampeurkeun éta awéwé. Barang nepi, tulisan jeung gambar dina awak maranéhna leungit. Kapupus ku cilaut. Atuh éta awéwé ceurik. Kabéh parahu kaduhung mijah teuing ulin. Teu lila aya hiji parahu datang " Geulis punten lami, tadi abdi balayarna lalaunan da sieun luntur" pokna. " Salira diseratan naon? Aya kénéh seratanna?" témbalna. Bari némbongkeun " aya" éta awéwé bungah, aya parahu anu bisa ngajaga amanat. Sanajan ngan saukur titik.

MAMAH ELSY BINGUNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 17:35:10

Batur mah, ngadèngè bèl panungtung tanda UN lekasan tèh tuluy marotah, ari Elsy kalah reumbay. Sirahna nyuuh kana mèja. Ditutupan dua leungeunna.
Kadèngè mah kadèngè, nu rarècèt. Aratoh.
Rupa-rupa peta, rupa-rupa basa, pinuh harepan, minuhan unggal rohang sakola.

Deregdeg Elsy, satengah lumpat. Norobos riungan nu keur curat-corèt baju. Balik. Datang ka imah, teu tata pasini deui, gabrug ka indungna. Nangkeup pageuh. Ceurik.
"Mamah, Elsy bingung..."
"Kunaon Elsy tèh? Aya nu jail? Sok nyarios ka Mamah."

Anak jeung indung paungku-ungku. Beurateun. Kaheumpikan jaman. Jaman nu teu malirè kana nasib hiji nonoman nu hayang nuluykeun sakola ka paguron luhur. Jaman nu teu bisa ngubaran racana hatè hiji indung, alatan teu bisa ngabèayaan anakna. Bener, keur kololobaan jalma mah, jaman kiwari tèh lir rèwu cahya nu ting karetip mapaèsan lalangit imah. Tapi keur Elsy, lir dina parahu, tengah samudra, tengah peuting, hujan ngagebrèt, angin ngagelebug. Maju kelebuh, buang jangkar dibuntang-banting ombak.

BADMINTON

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 17:04:21

Lob Suhe nyuruwuk ka juru lapang kénca Hendra. Teu hésé pikeun Hendra. Teu dicokot ku backhand. Tapi, ku forehand bari ngalegedaykeun awakna ka tukang. Kok ukur diusap ku rakét--antara nyemés jeung dropshoot. “Cep!” disada. Seket ka lebah kénca. Nembrag biwir net. Laju, ngeclak di sisi nét pertahanan Suhe.
Suhe nu nebak kok bakal ka lebah katuhu, rumahuh. Gogodeg. Sagala kamampuh geus diketrukeun. Kaasup semésan guludugna--nu dipikasieun ku kabéh lawan téh--ku Hendra mah ukur ditoél. Bari malikna kok ka tempat anu hésé.
Ngan ukur meunang 10 di sét kahiji jeung 7 di set kadua tina 21 poin téh. Hiji palajaran jang Suhe mah nu rumasa manéh pangjagona. Nu rumasa manéh euweuh lawan nu bisa ngeléhkeun manéhna.
Di luhur langit aya langit. Enya baheula mah Hendra kamampuhna handapeun Suhe. Tapi, Hendra terus latihan. Naon kakurangan Suhe. Naon kaunggulan Suhe.
Bari salam ka Hendra, Suhe ngaharewos. “Aing éléh sajuta, Njing!”

DUNYA PARALÉL

Kénging Wulan Sopiani
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 16:46:30

Asa dina lulurung nu teu miboga tungtung. Kuring ngurilingan dunya paralél. Kuring lumpat satakerna tapi angger teu kaluar ti dunya ieu. Arah lumpat gé teu ka ukur ku véktor jajaran génjang atawa poligon. Lumpat ka kalér asa ngidul. Lumpat ka wétan asa ngulon. Jarum kompas gé muih teu eureun-eureun. Lantaran kutub magnétna teu kadétéksi. Kuring nalungtik atmosfér alam dunya ieu. Tapi lain gas oksigén, nitrogén, atawa karbondioksida nu nyusun atmosférna. Nu aya ngan hormon oksitosin nu dihasilkeun ku duriat. Kuring ngarti. Dunya paralél ieu téh haté manéhna nu dinyenyeri ku kuring.

JIMAT HÉJO

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 15:56:38

Uubar ka sababaraha dokter, tapi cangkéng teu cageur-cageur. Urine bersih. Bi Romlah ngajak uubar ka Kiai Ubéd. Cageur. Bi Romlah katalatahan Kiai Ubéd yén kuring kudu ngadeuheus, aya anu rék diomongkeun, cenah.
“Tah! Ieu candak ka mamana, iwal ka wésé.” Ceuk Kiai Ubéd bari ngasongkeun kertas warna héjo, dilaminating. Isukna kuring nepungan deui. Unggal poé jadi sono ka Kiai Ubéd nu geus boga tilu pamajikan.

“Téh! Saur Kang Rizal, asa anéh ningali Tétéh téh.” Ceuk Rika, asistén kuring ngomongkeun titingalian salakina.
“Naha kumaha kitu?”
“Saurna, asa hararéjo. Kang Rizal nitah abdi ngajak Tétéh ka Gus Mus, guruna.”

“Salira nyepeng jimat warna héjo, nya?” Gus Mus nanya. Kuring kagét. Naha nyahoeun.
“Muhun pamasihan ti Kiai Ubéd ti Cikeumeuh.” Jawab Téh.
“Piceun geura. Sing sering istighfar! .” Cenah. Jimat dipiceun. Kuring cageur tina kagégéloan ku salaki batur.

LEBAH JALAN CAGAK

Kénging Ambu Pikar
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 15:27:34

Linda, geus sapuluh taun marengan kuring lalayaran ngambah sagara rumah tangga. Batian budak dua. Ronghéap Nunun, datang lir lambak dina galura tresna kuring jeung Linda. Nunun kiwari nyiliwuri dina ati kuring. Ucang anggé dina haté, cinutrung dina jajantung, napel dina angen-angen. Teu kalis ku disieuhkeun, jol deui jebul deui, malédogkeun imut pangirut kelét pamélét.
“Abdi hoyong cinta Akang sagemblengna narah didua. Pilih abdi atawa Ceu Linda!” sora Nunun nongtoréng deui dina implengan.
Buah simalakama.
“Tong disapirakeun, Linda awéwé satia!” aya sora ngaharéwos.
“Naha teu bosen ngagugulung nu heubeul? Nunun leuwih méncrang tur bahénol,” sora séjén deui.
Batin perang sabil.
“Aing téh lalaki langit lalanang jagat, cadu kuméok méméh dipacok,”. Buleud pamadegan. Lahaola kudu balaka!
Bulan ngempray nyaksian kuring jeung Linda peuting harita.
“Lin,” kuring ngagentra halon.
“Kah,” manéhna tanggah. Teup! Sorot talaga weningna nyirep wawanén kuring nu laju ngabiur mangprung ka jauhna. Biwir teu wasa engab.

ENTONG MIARA KATINEUNG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 14:26:54

Amang, kitu nu nyarebut. Rék ku saluhureun, rék ku sahandapeun. Ongkoh ngaamangkeun nyalira deuih. Jadi wéh amangna saréréa. Amang téh pameget tengah tuwuh. Dedeg-pangadegna jangkung alit, mémper-mémper ka regéng. Pameunteuna jajar pasar. Pakayana éstu basajan. Dipireueus, utamana ku kaom lalaki. Amang, mapuh nyaimahkeun opat istrina, samalah disakamerkeun. Jeung deuih, salingkuhanana bacacar teu sidikna di unggal péngkolan. Gareulis, nonoman wungkul. Matak pikabitaeun! “Amang téh kagungan jimat naon, tiasa kitu? Wariskeun atuh!” Jol itu jol ieu, kitu ngaromongna téh. Amang, tara ngawaler ukur mésem. Tapi ari dikeukeuhan ku alo pituinna mah Amang, léah. “Bener, hayang nurutan?” Bari ngusapan taktak alona. “Yaktos Amang, éta cita-cita heubeul nu tacan tinekanan!” Daria. “Hmm… kieu, entong miara katineung! Sakitu jimatna mah, Lo!”***

WILUJENG TEPANG TAUN

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 14:06:04

Kamari basa kuring muka daluang poe, aya nu ngageter tuluy ngarieug beuki rosa antukna bejad ngabudalkeun panineungan nu geus meh mehan sepa.
Unggal baeud jeung imutna ngahiji ngawangun gambar pulas kayas, siga pulas lagu LIKE A SONG nu geus maturan urang ngalengkah.
Hiji kalimah nu poe kamari teu kakecapkeun, ayeuna maksa kudu kedal "Wilujeng Tepang taun, Jungjunan."
Lengkah kuring jeung Mata poe, salawasna maturan anjeun.

NU BEDAH TUNGGARA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 13:52:59

Langlayangan kapakan. Laju katebak gelebug angin. Ngajomantara duka kamana. Kitu basa manéhna apal, wanoja nu dipikabogoh kawin jeung deungeun. Seja miturut kahoyong sepuh, antukna didahupkeun. Digayem. Dirarasakeun. Salila jatukrami, éstuning ngajaga parasaan jeung ngamumulé kaasih nu jadi geureuha. Wanoja nu didahupkeun mah wening asih. Babakti taya sudana. Nepika lahir inji . Bégalan pati. Urat sarap nu meulit dina mastaka tuang garwa ngajeprut. Satutas ngalahirkeun, ingkang geureuha hirup lir tutuwuhan. Tuang leueut sadayana di enggon. Pak-pik-pek ngurus utun inji katut indungna. Bari papuket jeung kawajiban kantor. Utamina nyanghareupan peuting nu ngagencet. Meredong ngarayap mangtaun-taun. Luwang-liwung matak lewang. Budak geus 8 taun. Bongsor. Saré gigireun indungna. Diteuteup. Geulis, nyeplés jiga popotonganna baheula. Aya birahi nu melentik. Siga nu apaleun, indungna ngulisik. Beunta. Sorot matana jiga nu ijid. Manéhna malik mencrong. Nganaha-naha. Salila ieu asih kumawula, asa dipulang sengit. Bedah. Kerewek kana bantal.

DALUANG KATINGGANG MANGSI

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 13:36:48

“Gusti..! Naha lepat pami abdi hoyong ngadahup sareng anjeunna?” Manéhna andiprek sasadu satengah ngarasula bari peureum tanggah ka lalangit langgar. Cipruk citangis. Ngereketkeun diri sangkan bisa leuwih husu. “Rumaos Gusti..! Abdi badis simeut hiris nu bobolokot kokotor dugi ka salaput beuheung. Yaktos Salira tara nanggeuy dibongkokna, abdi pisan nu teu nalipak diri. Saéstuna kanyataan dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur. Éta hak Salira sagemblengna!”

Bluk! Manéhna sujud bari sumegruk basa nyaho kaayaan nu sabenerna antara manéhna jeung kakasih nu pang dipiharepna lir dipiamis buah gintung. Nyata pisan dirina nu maksakeun karep téh, padahal sagalana teu leuwih ti saukur rarancang kahayang.

Sajongjongan manéhna eureun ngadu’ana, tuluy diuk bari ngusap beungeut jeung nyusutan cipanonna. Ngumpulkeun lelembutanana jeung ngalelerkeun dirina saheulaaneun laju nuluykeun du’ana, “Mugia Gusti maparinan abdi hirup nu teu manggih tungtung paéh nu teu manggih béja. Aamin”

USTAD BURUNG VS GURU MANUK

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 12:57:29

“Wah geuning seueur manukna.”Ustad Saeful muka obrolan waktos ngalangkung di buruan bumi Kang Jae. “Muhun Ang, aya duabelas kurung sadayana mah.” Jawab Kang Jae bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. “Asa kabita, Yi. Cik atuh Akang jimatan hiji mah. Sugan nerus resep.” Saur Ustad Saeful. “Ké, sanés teu hoyong ngajimatan Ang, nanging asa kirang payus ustad miara manuk mah,” ceuk Kang Jae. “Naha ? Da teu aya larangan.”Ustad Saeful nétélakeun. “ Sanés kitu Ang, meureun kin Aang janten kasohor ustad burung.” Kang Jae ngaheureuyan . “ Apan di dinya gé guru, manukna saloba-loba.” Saur Ustad Saeful. “Nyaéta Ang, abdi gé disakola mah tos katelah guru manuk.” Ceuk Kang Jae bari nurunkeun manuk nu terus dipasihkeun ka Ustad Saeful. “Naon Yi ieu téh ? Da Akang mah tadi téh lain heureuy. Leres ieu téh ngajimatan ? Nuhun ah Yi. Jadi meureun nya , Akang katelah Ustad manuk téh ? Pan ieu meunang hadiah ti guru burung.” Ustad Saeful malik ngaheureuyan.

SAPATU

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 11:31:30

Fikmin ka 4. Kénging pun anak ADLI FIRDAUS

“SAPATU”
Keur saré tibra. Hudang. Nini naros, “Kunaon?” “Ngimpi, pendak jeung Apa nu tos maot. Apa, badé mangmésérkeun sapatu.” “Oh… hayang sapatu, sok bobo deui wé. Isuk ku nini dipangmeulikeun!”
Isukna, Nini balik ti pasar. Mawa sapatu anyar. “Nuhun Nini, sapatuna saé pisan. Naha sapatu sakola? Da basa dina ngimpi téh sapatu putsal?!”***

SABAR KANG!

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 11:21:29

Wanci pecat sawed, kuring anteng pésbukan di konter. Kurunyung nu datang maké mobil sédan warna bodas. Reg eureun hareupeun konter, tuluy nyampeurkeun ka kuring. "Mésér pulsa XL anu 25 rébu!" Ceuk saurang lalaki parlénté. "Sumangga! Cobi nulis heula!" Walon kuring, bari ngasongkeun keretas paragi nulis nomer.

Saenggeus nulis, éta nomer di-és-ém-és-keun, maké hénpon si kukut. Manéhna mikeun duit. "Sumangga kang ieu angsulanna!" Ceuk kuring, bari ngasongkeun duit pulangan. Aya kana 5 menitan, pulsa téh can abus wae. "Naha can abus waé? Sayah perlu pisan yeuh!" Ceuk manéhna ambek. "Duh hapunten, nuju telat, laporanna gé ngantosan!" Walon kuring. "Naha meni lila-lila teuing? Biasana tara lila! Geus batalkeun waé!" Pokna molotot. "Antosan kedap deui!" Walon kuring.

Si lalaki parlénté, keukeuh hayang ngabatalkeun, ménta duit hayang dibalikeun sagala. Teu kungsi lila, kadéngé aya sora di hénpon-na. "Geus abus, ayeuna mah!" Pokna bari tuluy ninggalkeun konter.

KATUMBIRI

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 11:04:43

Hujan karek raat, kari girimis di udag ku mata poe. Anteng nyawang buruan, ngawaskeun nu erek mulang.
''Minggon payun seep kontrak, antosan weh abdi uih'' Ceuk anjeun, waktu nelepon ngaliwatan hp.
Kiwari, mangsa hujan panganggeusan. Anjeun, nedunan jangji...
Di payungan katumbiri, pangiringna sora tahlil.
Raga anjeun mulang....

MASALAH INTERNAL

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 09:57:52

Rarasaan asa loba cocoba, beuteung kembung seueul angen. Nangkarak lepat nangkuban salah, nyanggigir lain pilihaneun. Anggursi kusah koséh teu daék cicing. Hitut suwung teurab teu bisa, ngulikbek wé nu mingkin atra. Ubar teu sirikna di rawu dihuapkeun, anu ti apoték, ti mantri, ogé meunang isim ti pananyaan, angger wé teu bisa méréskeun ieu masalah 'internal'. Maksakeun jojing ajrag-ajragan tina dangdut, rockdut campur 'gangnam stylé', alhamdulilah ngésang ngoprot, ngan hanjakal beuteung mah angger seueul meuni nataku. Tungtungna eureun bari nyusutan késang ku kaos sangsang urut, kapikiran hayang ceurik balilihan bari kokosodan kawas jaman keur budak, ngan éra dina kapanggihna, maenya pa érwé kitu peta?. Kitu bingung kieu bingung, tungtungna mah, nguliwed ka tukang bari nyusutan cipanon, uing nginghak dijero leuit.

SOUS LE PONT MIRABEAU COULE LA SEINE ET NOS AMOURS..

Kénging Yoga Adiana Attarmizi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 08:15:32

Zam, Sous Le Pont Mirabeau Coule La Seine et nos amours..cinta nu miang teh lir banyu nu satia ngamalir. Nu tansah ninggalkeun gelenyuna keur urang. Siga Mirabeau jeung Seine nu cumalimba basa urang duaan micangcam bulan jeung bentang. Basa anjeun pamitan rek mulang ka sarakan sabada opat taun babarengan ngabalay harepan jeung kahoncewang.
Zam, Sous Le Pont Mirabeau Coule La Seine et nos amours..ieu bulan ka salapan, anjeun miang tina hate kuring, hate Dennete, Dennet anjeun..Dennet nu bakal satia nunggu anjeun mulang deui ka dieu, kana hate kuring, di Mirabeau jeng Seine. Pan ceuk anjeun Zam, La joie venait toujours apres la peine..kabagjaan pinasti anjog sabada sedih kingkin nyimpang na hate urang ..!
Zam, mun tungtung taun ieu anjeun mulang deui ka dieu, di Mirabeau jeng Seine, aya dua cinta nu bakal mapag anjeun..kuring Dennete anjeun jeung ieu utun inji nu sok remen ngulisik lamun kuring nyebut ngaran anjeun, Zam-zam..!
Zam, Sous Le Pont Mirabeau Coule La Seine Et Nos Amours..Di handapeun jambatan Mirabeau, walungan Seine ngamalir jeung deudeuh urang. Cinta nu miang teh lir banyu nu satia ngamalir. Nu tansah ninggalkeun gelenyuna keur urang..!

AING, RAJA!

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 07:33:22

Pasosoré, hujan poyan. Raja begu, ngasuh anak bungsuna. Ngajarkeun ngahumbut.
Teu kanyahoan. Maung, ngagerem. Nyerek anak begu . “Hahaha, beunang siah. Lumayan, jang engké dinner.” Maung, seuri nguwang-ngiwing mangsana. Dodongkoan, raja begu ngomong, “Pangersa raja wijaksana, sawios abdi gentosna. Pun anak, hanyir kénéh!” “Bau taneuh. Liat sia mah, deuleu!” Maung molotot. “Supados pelem, badé dilintuhan heula. Saminggon mangga téang.” Raja begu dumareuda. “Heug, saminggu ditéang!” Maung ngaléos.
Raja begu, baluweng. Haténa ngarakacak. Kabayang, isuk si bungsu direncah maung. Keur kitu, landak ngaliwat. Raja begu ngagupayan. “Ki landak, uing saréréa isuk nyaba. Tungguan imah. Saréna di kamer kula,” Raja begu nitipkeun. “Mangga!” Landak atoh.
Isukna. Maung datang. Gura-gero. Bus, ka imah. Tiiseun. Culang-cileung. Katempo di kamar ngaringkuk. “Itu hakaneun téh,” kumétap. Gajleng, dirontok. “Aaaaaaaaa……” Ngajerit. Maung, ngajurahroh. Beuheungna katiir cucuk landak. Landak, paéh. Beuteungna gudawang dicakar. “Aing, raja!” Begu, garorowok ti pipir imahna.

BALAP JABOL

Kénging Irawan Babéh Lova
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 07:07:08

Jalan Soekarno – Hatta ti semet Cibeureum nepika parapatan Buah Batu ditutup sapoé éta. Panitia geus meunang idin ti Kapolisian pikeun ngayakeun balap motor nu katelah balap jabol. Disebut kitu téh duméh balapna diayakeun husus di jalan anu barolong. Sababaraha aturan ditandeskeun. Tarikna motor minimal 60 km/jam. Palebah nu barolong, panitia geus masang cét nu maké sensor. Motor bakal ujug-ujug paéh mesin lamun nincak ka lebah dinya. Minangka pangbibita, iwal ti duit, nu meunang bakal dibéré jalur husus samotoreun, sapanjang jalan Soekarno-Hatta salila dua taun ka hareup. Jalma pagegelek di sisi jalan hayang lalajo. Gubernur nu dibarengan Walikota, ngajejeran balap jabol. Daékeun sotéh pédah dipaksa jeung diancam ku panitia. Dina prakna, tina réwuan nu milu balap, ukur welasna nu nepika finish, kalolobana mah paraéh mesin di tengah jalan. Panitia ngabéwarakeun, babak kadua balap jabol bakal diayakeun di sapanjang jalan Pangandaran nepika Batu Karas Cijulang.

THE FILISTIN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 06:14:55

­Ceurik Qanun ngabangingik. Ngalanglaung. Nganteur nu mulang mangsa balébat.
Ninggalkeun nu pasoléngkrah bau mesiu. Kuring ukur ngajanteng. Nyeuneu nyeuit sumérését. Eungap, atmosfir pinuh polutan nirca angkara.
Bréh! Kembang-kembang malati teu keungsi ligar. Murugan beureum burahay. Pejét katincak sapatu lars. “ Angin, kuring geus bosen nyarita! Cai, kuring bosen miharep! Seuneu, kuring geus bosen ambek! Taneuh, kuring geus bosen leumpang!”
Pamohalan. Ti saprak Lucifer dibidanan sykes-ficot. Kuring leupas ti buaya, laju ditewek lodaya. Létah diwewel kasilep konsonan.
Pamohalan. Kuku idazil nu nangtayung meulit samadhab papat. Ngepung jazirah. Jamparing nyemprung tambuh laku. Pérah ilang seuseukeutna.
“Angin, kuring hayang mulang! Cai, kuring hayang wawasuh! Seuneu, kuring hayang siduru! Taneuh, kuring hayang leleson!”

LANTÉRA

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 02:48:22

Mongkléng, mungkus peuting nu mudun tina mumunggangna, lingsir ka janari nu mingkin suni, taya haréwos, ukur hiliwir angin nu nyulusup ngaliwatan rajegna tatangkalan, leuweung nu mahung raga jeung sukmana.
Di jauhna, di lamping peuntas saketét cahya enyay-enyayan, nurugtug mudun sésélékét dina rumpilna gawir, ukur rampa da puguh panon euweuh gunana, bolotot tapi bolor, tisosolédat tigugurawil, tibeubeut geus teu kaitung, nyeri peurih liwat saking, malik leungit rasa.
"Eum kacida étah sujang, lumampah peuting boro obor teu panékér-panékér acan, beu meuren kasarung éta léngkah...? tunggulAki-aki nu keur tunggu huma ukur gogodeg.
"Nya kitu Ki, Tunggul dirarud catang direumpak, rumaos tamaha lumaku saukur dijurung napsu jeung kahayang, teu nyangki bet katambiang !"
"Déng..., deudeuh teuing, mun rék terus lumaku jig bawa ieu lantéra, najan leutik cahayana moal matak nambuh léngkah."

GALURA RASA 9

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 00:19:01

"Diandra, neuteup potrét salira ti mangsa ka mangsa asa beuki ngirut waé. Deuh bagja temen pami akang nu ngapimilik éta imut. Nu gaduh hak neuteup leleb sorot mata heulang nu niruk jajantung, tembus kana ati sanubari. Atanapi tiasa ngiuhan dina iuh linduk kekecapan salira tina rasa guligah nu ngabebela. Diandra, kakasih ati, pupujan haté akang, salira ngarérab haté nu mangtaun-taun simpé. Akang kasarung dina leuweung ganggong simagonggong trésna. Tikelebuh kana sagara cinta. Kapenjara duriat. Diandra, galura rasa ieu mingkin ngarandakah. Sirungan, kembangan, tapi duka jadi buah atawa henteu."

Klik, éta e-mail diteundeun dina draft ku Hendra. Kalangkang Anisa ngaririwaan jadi mangandeuh .... ***

NYINGSAT - MOROSOT

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2013 00:09:42

Salaku aparat leutik nu boga jangjang, mang Gatot tiap poé ngaroris kaayaan nagara, bari héhéotan bangun nikmat kacida, kakalayangan di awang-awang.
Bréh katempo ti jauhna, paroman ki Tani nu keur ngahuleng bingung, niténan sawahna nu beuki purek, nyeplés siga rok abg, nyingsat.
Teu jauh tidinya, palebah pasar nu ramé, mang Gatot molotot hésé ngiceup, ninggali ibu-ibu keur riweuh nyabutan bulu kélék, rék dipaké balanja gaganti duit, bajuna nyingsat.
"Aing kudu gancang laporan, karunya rahayat ripuh kitu!" Mang Gatot ngabelesat muru dayeuh.
Kasampak, wakil rahayat keur mérésan koper, seja pelesiran, kaciri calanana geus pada nyingsat.
"Teu bisa diandelkeun, sugan kudu langsung ka Raja!" Ngabiur mawa kakesel muru istana.
Nepi Istana, mang Gatot dibagéakeun ku haré-haré, Raja anteng teu bisa diganggu, keur husu nyingsatkeun leungeun baju, nguruskeun "rating" anu morosot.