Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Maret 2013 (42 Naskah)


HUJAN KAYAS DI CITARUM

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 23:56:55

Love

QYUQYU

Kénging Azhari Poetok
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 23:29:20

“66 urang mah”,
“25,30, jadi 55 urang mah euy”
“alah qyuqyu urang mah 99 waé euy”
Pas palebah keur ngocok kartu, kurunyung nu boga warung (bari ngasongkeun kotrétan) “ieu bayareun kabéhna 66 tambah 25 tambah 30 tambah 99 jadi kabéhna téh 220 siki nya?, berarti saratus sapuluh rébueun).
éta kabéh nu ngaronda cing karuliat “Har ari si aceu piraku kudu dibayar ku kartu rémi?, bari gé na saha nu ngopi bala-bala nepi ka 220 siki?, pira ngan tiluan!”

Nu boga warung ngaléos bari kerung “naha ieu bala-bala béakna kusaha?”

OPAT

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 22:48:58

Keur jongjon ngajuki, tara-tara ti sasari, si Bapa nelepon. Riweuh teu riweuh, wayahna kuring kudu balik heula. Ngomongna mah penting, duka aya naon. Sapaparat jalan, haté dag-dig-dug, teu puguh rarasaan. Nginget-nginget, bisi peuting kuring ngimpi goréng. Tapi da asa henteu. Naon atuh, nya? Ditanya si Ema cilaka, lain. Adi ménta bekel sakola, sarua deuih lain. Pokona ka dieu wé heula, peupeujeuh. Kitu pénta si Bapa ‘na telepon. Bisi heueuh penting, motor mio nu dunungan téh, geuwat wé digebér satakerna. Tepi ka imah. Kasampak Rani, Euis, Éka, jeung Yuni, keur dariuk dina korsi. Saurang gé euweuh nu teu cirambay. Geus cop. Pasti. Moal salah. Enya, moal salah. Sanggeus sasalaman. Gantawang si Bapa ngomong, “Aing mah teu nyaho naon-naon. Nu opatan ieu téh kadieuna cenah rék ménta pertanggung jawaban manéh. Pék wé uruskeun, kumaha karep. Teungteuingeun pisan sia mah, ngareuneuhan téh meni saopat-opat”

KABAYAN JADI KUWU

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 22:34:35

Ngangres. Nénjo kaayaan di lemburna. Warga beuki loba nu sangsara. Patani kari daki. Nu dagang tinggal modal. Teu kurang nu kalaparan. “Borokok! Pangedulan siah!” cék Abah. Teu diwaro da biasa. Gedig ka saung sawah. Gék diuk. Kabayan ngahuleng salila-lila. Geus kitu nyéh seuri sorangan. Peutingna. Rap maké teregos. Nyorén gobang. Niténan imah jalma nu jaregud tur ngopét. Lep. Ngadepong handapeun jandéla. “Aman kawasna!” ceklék nyokél jandéla. Keketeyepan nyokotan duit jeung barang nu aya ajénna. Isukna. Wur. Wur. Duit dibagi-bagikeun ka jalma masakat. Ti dinya Kabayan sohor jadi jalma béréhan. Kuwu katut Kulisi remen narima laporan. Loba jalma jegud nu kabangsatan. Teg, timbul kacurigan mun nu boga hadas Kabayan. “Mangga uing mah badé digantung gé? Asal aya buktos bé sareng saksi,” cék Kabayan tutas diinterogasi. Kuwu ngahuleng. Sanggeus éta kajadian warga ngadémo Kuwu. “Turun! Anjeun geus mitnah Kabayan,” rahayat saur manuk. Kuwu teu bisa majar kumaha. Ahirna Kabayan diistrénan jadi Kuwu.

AKU-AKU ANGGA

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 22:28:18

Alatan darurat kuring daék nyupiran mobil méwah Anggota Déwan. Teu nyangka hareupeun imah Téh Léni aya sora lalaki ménta tulung, ceunah kaseuit serangan jantung.
Badégana geus baralik ti heula da tadi ngahaja disieuhkeun basa rék aya nu datang. Si Bapa dibopong ka mobil dibaturan Téh Léni, biur mobil muru rumah sakit. Sirineuna jejeritan nyiklakkeun nu di jalan, nyéak sakolépat nepi.
“Cép..! Ke pami ditaros di rumah sakit akukeun dulur Acép baénya!”
“Hor, Téh… Léni!”
“Jep! Kalem! Ké diperesén! Béjakeun baé keur dines luar kena serangan. Lain tas ti imah Tétéh, omaat! Pan ieu téh jalmi terhormat. Teu kénging su’udhon!”
Nu gering geus di rohangan VVIP. Jigrah kawas sabihari. Dibaturan istri anom sanésna. Paingan umur tunggang gunung, angen-angenna pecat sawed. Nurub cupu jeung awéwéna nu alus laur hadé omé, nu ukur resep ngarah supana, tapi embung miara catangna!
“Cép wartosan sadayana! Téh Léni tos nilar!” Ceuk Pa Déwan bari nepak tak-tak. “Hor..!”

JAS BEUREUM

Kénging Aji Nurhamzah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 22:24:27

Jas beureum nu ngagantung di jero lamari. Bray panto lamari dibuka. Rap dipaké, dicobaan. Katempo keretas salambar luhureun méja, gap langsung dibaca eusina nepi kaimeut. "Rék diringkus, rék diabuskeun kana sél, teu paduli. Jas beureum, jeung rahayat leutik jadi harga diri aing," ceuk Atmasuria, katelah aktivis kampus anu kahot, jeung gedé wawanén.

Brul ratusan Mahasiswa ti beulah kalér. Jalan Siliwangi jadi lautan Mahasiswa jas beureum. Spanduk nu pinuh ku jargon, jeung sindiran keur koruptor dipentangkeun. "sakumna Mahasiwa, teu gedag bulu salambar, najan péstol némpél dina tangkurak sirah. Nyingkah sia koruptor" Atmasuria orasi hareupeun Pémda.

Polisi ngajéjér hareupeun Pémda, péstol jeung sagala pakarang geus siap sadia, keur ngajaga bisi aya karusuhan. "montong satengah-satengah jadi aktivis mah jang, Mahasiswa téh sorana rahayat leutik, nu kudu dibela" ceuk bapana. Atmasuria beuki ngaléntabkeun sora kana mikropon.

LAPAROSCOPY

Kénging Atang Soeryana
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 22:18:12

Cumantèl waè dina hatè, najan pait, geuneuk semu hideung. Kituna tèh geus puluhan taun. Kateuing kadieunakeun utamana saminggu ka tukang bet jadi bangbaluh, bet mugagkeun sagala rupa. Salempang rèk nanya tèh. “Ah naha da nu ngarasakeun mah kuring sorangan, batur mah biheung” ceuk hatè. Maksakeun nepangan pa Hamid. Ngadarègdèg, tipepereket , jibreg ku kèsang tiis. Bari ngagunakeun pakakas Ultrasonografi, pa Hamid nyarios “Wayahna bapa kedah Laparoscopy Cholèsistèctomy, margi nu nèmpèl pait dina hatè Bapa tèh ayeuna mah sanès ukur geuneuk semu hideung tapi geus ngabatu” saurna. Kuring ukur olohok.
Keur solat Duha dipapag ku hiji wanoja diraksukan sarwa bodas, dibawa hiber ka hiji rohangan remeng remeng cebrèk badis di jero guha, pangacian teuing kamana. Wanci Sareupna digeuingkeun ku si Cikal “Apa waktosna netepan Asar” pokna. Awak lungsè, beuteung bolong opat lobang, pakakas kahampangan dipasang selang, leungeun kènca dibarogod selang infusan.

AKU-AKU ANGGA

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 22:16:10

Alatan darurat kuring daék nyupiran mobil méwah Anggota Déwan. Teu nyangka hareupeun imah Téh Léni aya sora lalaki ménta tulung, ceunah kaseuit serangan jantung.
Badégana geus baralik ti heula da tadi ngahaja disieuhkeun basa rék aya nu datang. Si Bapa dibopong ka mobil dibaturan Téh Léni, biur mobil muru rumah sakit. Sirineuna jejeritan nyiklakkeun nu di jalan, nyéak sakolépat nepi.
“Cép..! Ke pami ditaros di rumah sakit akukeun dulur Acép baénya!”
“Hor, Téh… Léni!”
“Jep! Kalem! Ké diperesén! Béjakeun baé keur dines luar kena serangan. Lain tas ti imah Tétéh, omaat! Pan ieu téh jalmi terhormat. Teu kénging su’udhon!”
Nu gering geus di rohangan VVIP. Jigrah kawas sabihari. Dibaturan istri anom sanésna. Paingan umur tunggang gunung, angen-angenna pecat sawed. Nurub cupu jeung awéwéna nu alus laur hadé omé, nu ukur resep ngarah supana, tapi embung miara catangna!
“Cép wartosan sadayana! Téh Léni tos nilar!” Ceuk Pa Déwan bari nepak tak-tak. “Hor..!”

CEUK

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 21:49:11

"Geus horéam ngahiji jeung manéhna téh, asa dibohongan waé, paribasa itu-paribasa ieu. 'Asa kurang kumaha buméla.' Asa teu dihargaan! Isukan mah rék lah-lahan ngomong, sugan didéngé." Kitu ceuk Bu Mar, basa kamari soré curhat ka kuring.
"Terus kumaha cenah?" Bu Sari nanya semu panasaran.
"Heueuh kieu..., ceuk Bu Mar téh, hayang pisah lamun kahayangna teu didéngé waé mah. Kahayangna teh bruk-brak wé, mun enya salakina bogoh ka Éka mah, ari ieu, kalah loba alesan waé. Pajarkeun téh, Éka mah sakadar babaturan, tapi naha?"
"Naha naon tah?" Bu Sari motong caritaan.
"Éta cenah, dina dompét salakina téh aya poto Éka, jabaning dina hapé salakina loba poto Éka, dina akun fb pon kitu deui, nyieun sajak keur Éka, 'Ari nu kitu nganggap babaturan atawa aya haté kadua leutik?' Éh. Omat ceuk Bu Mar gé ulah dibéja-béja kanu lain!"
"Sip!" témbal Bu Sari, padahal dina haténa aya gosip anyar keur isuk ari arisan.

OBROLAN PASAR

Kénging Ayahanda Iwan Hermawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 21:47:05

Aya lima urang dipasar anu profesina béda keur ngobrol meuni sengit naker katingalina. Kira-kira kieu obrolan na teh
Tukang Urut: Tétéla anu pangbeungharna dikampung ieu téh Pak Ucen, saminggu tilu kali manéhna ménta diurut, sabot diurut manéhna sok nyaritakeun ngeunaan keberhasilannya.
Tukang Cukur: Salah, anu bener éta pak Awoh, soalna saban jelema anu datang nyukur buuk, nyebatkeun téh anjeunna.
Tukang Endul : Informasi ti ibu-ibu langganan kuring saban isuk jeung dumasar kana hasil ngarumpi yén anu pangbeungharna éta pak Adun.
Tukang Copet: tétéla maranéh kabéh mah ngadéngé ti batur, aing mah ningali sorangan yén dikampung ieu euweuh nu beunghar, mangkana aing operasina dikampung tatangga.
Tukang Lotek : Urang mah moal miluan ngomong ah, loba teuing ngomong bisi euweuh nu meuli soalna sok muncrat, terus sieun diaromong ku maraneh!

CEUK

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 21:38:35

"Geus horéam ngahiji jeung manéhna téh, asa dibohongan waé, paribasa itu-paribasa ieu. Padahal asa kurang kumaha buméla. Asa teu dihargaan! Isukan mah rék lah-lahan ngomong, sugan didéngé. Ceuk Bu Mar basa kamari soré," cék kuring
"Terus kumaha cenah?" Bu Sari nanya semu panasaran.
"Heueuh kieu..., ceuk Bu Mar téh, Hayang pisah lamun kahayangna teu didenge wae. Kahayangna mah bruk-brak wé, mun enya salakina bogoh ka Éka mah, ari ieu, kalah loba alesan waé pajarkeun téh, Éka mah sakadar babaturan, tapi naha?"
"Naha naon tah?" Bu Sari motong caritaan kuring.
"Éta cenah, dina dompét salakina téh aya poto Éka jabaning dina hapé salakina loba poto Éka, dina akun fb pon kitu deui, nyieun sajak keur Éka, ari nu kitu nganggap babaturan atawa aya haté kadua leutik? Éh. Omat ceuk Bu Mar gé ulah dibéja-béja kanu lain!" cék kuring.
"Sip!" témbal Bu Sari, padahal dina haténa aya gosip anyar keur isuk ari arisan.

SECRET ADMIRER

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 21:36:22

“Potona meni saraé …” pokna
“Sok ningalan nya?” kuring nanya rada héran. Manéhna unggeuk .“Fikminna oge saraé…”
“Geuning terang simkuring sok mikmin?” kuring molohok
“Pan sok aya pemberitahuan dina wall …” pokna bari tungkul
“Sadayana gé sok ditingalian. Status, komén, sareng sadayana aktivitas salira, simkuring mah apal”
“Naha atuh tara dikomén atanapi dilaik?”
“Da sieun katohyan” Manéhna beuki tungkul. Euh, sugan téh! kuring ngajulaeu…..

Haré généh secret admirer?! ….Teu Usum!!!
Euweuh kawani!!!
Karasa liang irung asa ngagedéan, juru biwir rada nyingsat saeutik. “Halik, kaditu! Teu butuh aing mah lalaki leutik burih. Butuh ogé lalaki langit, lalanang jagat!” ngabéngbéos ningalkeun nu molohok bari kerung, kuring hohoak….dina haté!

ANAK DUNUNGAN

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 21:31:32

Proyék di pasir beusi geus dua taun dilakonan. Lumayan imah jadi weweg. Sup kendaraan ka garasi, sakapeung mah jiga terminal imah téh. Cikopi pesenan gancang nembrak dina méja. “Kang ibak nya. Ku cihaneut”, pok pamajikan. Aya geleser dina dada. Kanyaah baheula mulang deui. Ras inget dua taun ayeuna, sanajan mindeng ditinggalkeun, sabar. Dasi gancang dibuka. Asa nyekék. Asa kaured. Beuheung, haté karasa eungapna. Mun seug lain panitah dunungan, jeung kaiket ku jangji kanu maha kawasa, teu hayang teuing balik deui kapagawéan. Kajeun usaha bareng jeung pamajikan, karasa kanyaah anu sakitu geugeutna. Teu robah tibaheula mula. Salila diuk nyanghareupan cikopi, pipikiran kumalayang. Bet inget panitah anak dunungan “Kang, omat kaping tilu kedah énggal kadieu deui”, Nongtoréng. “Cekap sadinten ogé di ditu mah. Tos gaduh putra tilu ieuh, piraku rék nambih deui. Da Enéng ogé hoyong enggal gaduh putra”.

DI “RUANG KERJA” PRESIDEN

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 21:27:07

Di buruan Istana Presiden,sanggeus mapatkeun ajian halimunan , kuring leumpang kalayan teuneung, daweung, ludeung ngajorag ka “Ruang Kerja “Presiden. Trok’trok,trok panto diketrok. “Assalamualaikum. “ ceuk kuring. “Waalaekumsallam. Mangga lebet.” Aya sora ti jero rohangan agem, teugeug. “Saha anjeun ? Nanya bari reuwas. “Abdi , Ki Sunda . ” Ceuk Kuring, teugeug deui wé. “Aya naon anjeun datang ka kantor kuring tanpa larapan ? Nanyana téh bari meta-metakeun leungeun jiga nu keur deklamasi ning. “ Kieu, abdi dongkap ka dieu téh, kahiji badé ngucapkeun selamat, wiréh Pangersa tos janten ‘Pemborong’.” Ceuk kuring rada nyungkun. “Nuhun.” Jawabna téh singket, angger teugeug deuih. “Nu kadua ? “ Nanyana semu rusuh. “Punten pami tiasa mah basa indung kedah dipertahankeun eksistensina sareng kedah jelas aya goréntélna dina kurikeukeum” Ceuk kuring wani. “Aduh, apan éta téh geus dimandatkeun ka mendikbud sangkan gancang dibéréskeun.” Nyariosna semu keuheul. “ Nuh ….,” nelepon.

NEUTEUP POTRET

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 20:48:46

Manehna neuteup opat potret nu ngagantung dina tembok. Potret si cikal nu gandang, budakna nu kadua,jeung nu panengah nu nembongkeun imut manis sarta pameunteu geulis nyari. Potret pamungkas, potret sakulawarga. Sedeng jentreng jam nu bandulna gigitekan ka kenca jeung ka katuhu ngajelengeng dalapan kali dina peuting nu ngaririncik. Opat potret jadi ciciren lalampahan hirup dina runtuyan detik nu ngaberung padungdung silung. Cimata ngalembereh tina pameunteuna nu beuki haropak diteureuy kekebul wanci.

"Hampura ema, nu ngan bisa ngatik ngadidik aranjeun nepi ka dieu."
Lalaunan renghapna ngendoran, matana nutup laju ngarumpuyuk kana korsi pulas beureum, teu hudang deui. ***

HUJAN KAYAS NGARÉRÉGAN

Kénging Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 20:32:04

Hayang teuing nuliskeun carita. Ngeunaan hiji lalaki nu hirupna gorowong salawangeun jandéla. Nganganti nu teu ieuh datang. Nyawang. Satukangeun gebrétna cihujan nu jadi rérégan. Aya lenyap sausap dada, basa sora mobil eureun sagigireun imahna. Laju kacipta ku manéhna:

Mahéra nu rerencepan mukakeun pager tukang. Rambut panjangna rancucut balas lumpat marat buruan. Ngulutrakkeun panto, laju ngeteyep ngadeukeutan. Mun kitu téh manéhna rék api-api teu apal, api-api reuwas mun éta wanoja dumadak nangkeup ti tukang, népakeun ribeg awakna, jeung sahéab saab kana lebah tonggongna.

Ah, boa teuing Magda. Rurusuhan mukakeun pager tukang. Rambutna tukung. Mun kahujanan téh matak lahak témbong taktakna. Moal keketeyepan Magda mah. Poksang. Paling gé nyorowok gegeroan. Hayang dipang-andukan-keun, hayang dipayang...

Leuh, balikta simpé geuningan. Sawatara lila sanggeus sora mobil nyemprung ngajauhan, taya kulutrak, angot léngkah nu ngadeukeutan. Suwung Mahéra boh kitu Magda. Anging kuring hareupeun jandéla. Dibaturan ku sora hujan jeung sakolébat panineungan: Anjeun.

SABUNI-BUNINA

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 20:31:00

Reugreug haté téh sab geus meunang deui bibi. Mantan TKW nu gajihna kabéh dikirimkeum ka salakina nu kalah béak dipaké kawin deui. Si bibi téh basajan. Sagala nu dipaké pas jeung pantes. Taya cawadeun dina pagawéanna. Kapaké pisan ku pamajikan. Saenggeus tilu bulan, si bibi pamit rék ngalongok budakna nu keur gering. “Si bibi téh lami moal uihna ? Mah, Punten atuh pang nyayogikeun acuk koko nu bodas sareng kopéah hideung. Papah bade jumatan di tengah jalan ka luar kota. Wengi gé tos uih deui”. Saenggeus si bibi balik deui, dina hiji waktu kuring kapergok pisan ku pamajikan keur duaan jeung si bibi di kamarna. Beungeut pamajikan burahay beureum. Sorana ngagerem. Leuwih serem ti Rahwana. “Demi Alloh, demi rosululloh, akang mah teu jinah. Da … ”. “Da naon kang ? Maksad akang … ?”. Sora pamjikan ngalaunan terus kapiuhan.

KIKINDEUWAN

Kénging Dadang Benhur
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 20:20:19

Wanci sareupna Nyi Mimin dicarék mandi ku indungna. Wayahna cenah sanajan hareudang ogé. Pamali. Engké wéh cenah janari. Maju ka peuting beuki bayeungyang. Ngelekeb. Sabat indungna saré Nyi Mimin ngabongohan rék mandi. Ma'lum. Can boga cai di jero. Kapaksa ka tampian. Lebakeun imahna. Barang ngulutrak muka panto dapur, nyampak Kang Ahmad, kikindeuwan Nyi Mimin keur nguriling. Ngaronda. Blus deui Nyi Mimin asup. Teu jadi mandina. Isin ku Kang Ahmad cenah bébéja ka indungna mah, waktu hudang kagareuwahkeun. Nyi Mimin tagiwur. Kang Ahmad ogé reuwas. Bari ngawaskeun sora jeroeun imah bilik kikindeuwanna.

SAMAGAHA

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 19:32:26

Biasana mah rék mangkat gawé téh, tara loba tetempoan. Rérés dangdan, langsung sasarap, atawa ngopi, meunang nyayagikeun pamajikanana. Bari diléndotan budak nu meujeuhna capétang, sagala ditanya, sagala dipénta.
Ari ayeuna, bet kudu tumpa-tempo heula. Seuseuheun, licineun, sagala rurudet katempo. Yakin pisan, hirup teu boga pasangan, jauh tina kajembaran haté.
Geuleuyeung manéhna ka dapur, tuluy naheur cai sagelaseun. Bari ngopi, lamunanana ngacacang ka saban lampah. Tuluy tumanya dina haténa, “Naha kuring salah? Teu, teu rumasa, asa geus bener jadi salaki téh. Usaha toh-tohan, ngabélaan anak pamajikan, tapi naha bet dibayar ku midua? Hasil késang bet dipaké rucah jeung lalaki séjén.”
“Naha enya gering ku awéwé ubarna awéwé? Ah, asa teu kaharti. Mun kitu, nalika kuring kawin deui, meureun niatna uubar, lain ngalaksanakeun paréntah agama. Antara hirup nyorangan jeung boga pasangan, dua hal anu can kapanggih eusina. Haténa beuki poékeun, lir samagaha ngarungkup panonpoé nu keur meujeuhna caang.

KARBOHOLIK

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 19:09:11

“Bah, enya kitu, ketak jelema gumantung kana naon nu dituangna?” Abah Merebot ditanya ku incuna.
“Enya, meureun. Boroning jalma, dalah sato ogé kapan kitu. Maung Raja Leuweung, ari parabna sayur mah, angger nyeri huntu. Malah lolong.”
“Leres, kitu Bah?”
“Ceuk buku, Abah ogé. Da can kungsi miara maung.” Ambu Merebot nyuguhkeun opieun. Rangginang, opak, wajit, gegetuk jeung kolontong. Incu Abah bangun resepeun. Komo kana wajit.
“Tong loba teuing dahar wajit, Cu. Kapan Ambu keur olah karesep Ucu. Urang dahar jeung Abah.”
Sor, pais iwung. Sambel, lalab jeung sangu beureum haneut, meunang ngakeul. Rérés dahar cuci mulutna kolék boléd. Ucu teurab, “Punten, Bah.” Abah mencrong bangun deudeuh. “Dug, atuh geura ébog. Biasana tunduh nyampeurkeun geura.”
Lelenggutan. Ucu ngoréléng ka pangkéng.
Abah ngahuleng. Enya kitu, jelema gumantung naon nu didaharna?

PENGECUT

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 17:58:42

Saprak ninggakeun anjeun, Cha!! Dunya asa poék. Haté tugenah diudag-udag ringrang. Kalangkang anjeun teu weléh némbongan. Nepi ka kiwari Cha!! Dédéngéeun kénéh inghakna, katempo kénéh lémbéréhna cimata mapay pipi anjeun nu kanyos.
Lumpat sakalumpat lampét, hayang miceun kalangkang anjeun. Geus sagala dilakonan Cha!! Sangkan bisa mopohokeun. Percumah geuning. Da anjeun teu weléh ngingintil. Nutur-nutur ngabebegigan.
Rumasa. Rumasa pisan Cha!! Dosa kuring gedé euweuh tandingannana. Anjeun hamo bisa ngahampura. Najan Kuring ceurik lolongséran gé. Sagara ampunan anjeun geus nutup. Dalah kuring gé geus leungit kawani, pikeun nepungan anjeun.
Cha!! Poé ieu haté kuring tatu parna pisan. Mun kongang mah, hayang ceurik jejeritan. Ningali budak turun tina mobil dituyun bari sempal guyon ku salaki anjeun. Kuring teu kuat Chaaa...

KAYAKAS

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 16:54:05

Runtuyan ombak, mulas saamparan kikisik bodas, udat tapak, rawé-rawé pirang kalangkang, satapak deui, satapak deui, ngalalakon ngudag pasini nu nyiruru di tungtung soré kasumba, silanglang dina ringrangna.
"Akang sumping..., geulis!" Simpé, saabrulan kayakas anteng muntang kana beueus sésa lambak.
"Di mana atuh salira...?" Angger simpé, mata poé nurihan sakeureut haté.
Layung tambah agréng, jiga poé-poé kamari mangsa nepungan kalangkang, tapi ayeuna aya nu béda, Kalangkangna teu wé datang, kapiheulaan wanci nu mimiti nyuuh ka ka peuting.

"Wios geulis, wios akang jadi kayakas di ieu basisir, satia nganti salira nepungan najan dina kalangkang." Ombak mimiti guligah deui, mawa geter sono anu sarua, ka salira nu kamari kalebuh rongkahna ombak balai, nya tsunami nu misahkeun asih urang.

YUTUB

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 16:50:28

"Dong, gening batur mah loba nu terkenal jadi artis tina yutub nya euy?!" Dudung ngajak ngawangkong Dodong nu keur anteng ngorong. "Ah, nyao teuing uingah teu ngarti kanu kitu." Dodong ngajawab sakeunana, da puguh keur ngeunah-ngeunahna ngorong. "Ah manéh mah angger ari diajak ngawangkong téh, kitu waé. Dasar jalma euweuh kahayang, teu boga rasa kabita saeutik-eutik acak." Dudung jamedud teu dilayanan ku Dodong. "Na ari manéh Dung, kapan uingah teu sakola, kuper, terus gapték cenah ceuk jalma ayeuna mah. Jadi rék naon uing kikituan? Ké... ké... ké... Ari ilaing keur naon euy? Eta lampu kamera HP ilaing hurung?" Dudung cicirihilan bari kalem ngajawab, "Ah henteu Dong, bieu urang midio ilaing keur ngorong. Sugan wé atuh ilaing teh jadi artis yutub, kan uing bisa kakécrétan." Dodong asa dijailan. Manéhna nangtung bari semu napsu. "Yeuh, lamun ilaing hayang kakécrétan mah..." Bari nyingsring satarikna, nepika kaluar jeung bukurna.

DUÉL MAUT

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 14:09:32

Kleung! Angkleung! Kano ngangkleung diwelah. Nyuruwuk meulah walungan sajeroeun leuweung. Anjog di hiji tegalan. Sato leuweung récét mapag Srangéngé. Manuk tinggeleber. Peucang, mencek jeung kelenci tingaraced. Gajleng hanjat. Keteyep. Nyalingker tukangeun kakayon. Reketek, babahak gondéwa dipanteng. Jamparing kari mentangkeun. "Lalaki sajati pantang ngabongohan," nongtoréng papagah bapana, "duél! Mun wani, duél!" Bolay. Kop kana éndong surasaka. Belewer, jamparing katut gondéwa dibahankeun ka lawan. "Soor tah, pantengkeun gondéwa! Pasang sabuk wilang tatu! Parikat-rikat ngajamparing!" Gagah, dangah nangtang lawan. Reketek deui, gondéwa dipanteng. Diiker, dikéker. Sasaran kalah murungkut. Ngadégdég. Muringis lir nu baluas. Berebey cimatana ngalémbéréh. Merebey mapay damis. Hiawata Kecil kandeg. Anak kelenci surak. Leupas jadi sasaran jamparing.
* Adaptasi tina "Little Hiawatha", Walt Disney, 1937.

PAPAK

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 13:32:41

"Teunggeul haté Jo, ulinkeun heula!" Asép codét ngagorowok, panonna tetep manco.
"Tah kitu Nggé, ala Jajantungna, sugema déwék!" cép Dadan surak.
Nu silih babuk di pakalangan beuki ragot, jeprét si Bejo nye'hcer sirah, si Renggé malik ngabintih nenggel pisan pas dada. silih pacok , silih bintih, silih siih. Bobotoh beuki pogot. Nu ngiluan papak pagedé-gedé kawani.
"Waktosna hayam ka balong" wasit ngahuit, nembongkeun stopwatch ka para Bobotoh, panceg limalas menit sarondena, istirahat lima menit.
"Panggorokan ka Tilu!" wasit ngagorowok
Nu tarung ngamimitian deui, der eundeur, bobotoh ayeuh-ayeuhan. Kang Kirman sila,ngawaskeun si Renggé nu ngeusi palebah nye'hcer kekemplonganana si Bejo. Haténa bungangang, Duit aduan nu dicepeng jang Haér ngadilakan, siga kelét Sumi. Ratug Jantungna tutunggulan. Injuritaim.
"Kéok, Kéok!" si Renggé waktu di cehcer si Bejo, lumpat ninggalkeun kalang.
"Horséh!" bobotoh moyég.
Sapasang sukuna noroktok, maksa nangtung rumanggieung, sirah biru aleumeur. na dadana aya tapak siih, getih buciay. Matana pécak nu kiwa. Laju ngudupruk. Beuheungna ngulapés, potong.
Kang Kirman tagiwur, késang badag kesang lembut maluguran jeroeun jeket. Tarang renung. Beungeutna pias. Setoran kiriditan motor ojégna kacocéng papak.

BU RATNA

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 13:31:37

“…Bu Ratna dinten kamari ngantunkeun. Mugi Alloh ngahapunten sadaya kalepatanana, amin…!” Pa Mantri Guru mungkas béwara ku pangdunga. Murid-murid ngahaminan, bari pating salegruk. Asa diheulang. Bu Ratna, guru pikaresepeun. Tulatén jeung rancagé. Gedé jasana.
Layon Bu Ratna kapanggih ku Mang Apud, ngagolér di sisi jalan. Teu dibaju salambar-lambar acan. Awakna pinuh ku tatu. Saméméhna kungsi amitan kanu boga kontrakan rék nepungan Pa Bupati. Katingali ku sababaraha jalma, dipapageun ku mobil dines Bupati. Geus biasa, dina raraga ngalobi. Malah, wangunan sakola nu ayeuna geus alus téh, ladang ngalobi. Jang Uhé, nu digawé di hotél, kungsi ningali Bu Ratna kaluar ti kamar hotél jeung Pa Bupati, tengah peuting.
Basa ditanya, ngawalonna téh pondok, “Biasa, Kang. Urusan sakola!” Jang Uhé teu papanjangan, da puguh buktina nyata, wangunan sakola di lemburna mingkin alus. Teu kawas tiheula, waktu Bu Ratna mimiti datang ditugaskeun ngajar. Teu sirikna wangunan sakola teh déngdék, rék runtuh.

NU GERING LILA

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 12:20:59

Nyi Rusmini. Anak Bi Munah nu ngan hiji-hijina. Kacida diogona. Dinangna-néngné pisan. Alah batan nanggeuy endog beubeureumna. Bélaan anjuk ngahutang, kahayangna teu weléh ditedunan.
Édas...! Abong nunggal, ngadojana béak kadaék. Nyi Rusmini ririwit pisan. Eutik-eutik gering. Sanajan geus parawan, awakna teu payaan. Teu kaop kahujanan, tuluy gering. Sauntung-untungna tara lila. Cukup ditambaan ku ubar warung, sok buru-buru cageur deui.
Can gé sabulan, Nyi Rusmini geus gering deui. Anéhna, nu ayeuna mah alunganteng. Geus aya kana sabulanna. Diubar-abér ku nu biasa, teu daék cageur. Demi kasakitna, sararebel. Sakapeung utah-utahan. Beungeutna haropak pias. Ceuk béja panyakit mag. Kana dahar suda. Rajeun hayang barangdahar, tatawaranana nu haseum atawa lada. Ku Bi Munah tara digugu. Gogoda tuda. Keur gering mah, baham téh pararait. Kahayangna barangdahar nu samodél kitu.
Bakat ku melang, Nyi Rusmini dibawa ka dokter. Dokter mariksa kalawan taliti. Rérés mariksa, dokter nyarita, "Wilujeng, Bu...! Sakedap deui, Ibu kagungan incu."

TOPENG KELANA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 11:16:46

Keur meujeuh dina haneutna. Gubrag. Kocéak, dengek. Reuwas. Reyem-reyem mangrupa kelir samar-samar narémbongan. Hiji sora anu dipikawanoh, sedih, gumbira, hariring asih, ilang kalimpudan réwuan sarwa sora. Can aya gurat mangsi hideung, hejo, beureum nuliskeun kahayang. Nyacas bodas miang ngalalakon munggaran. Keupat wirahma dua wilet, rumiang ngigelan kahayang jaman, dina sela-sela carukan nasib. Gedig. Ngalengkah. Lolongkrang salah jeung bener atra. Nyubadanan hirup, gening harungan cucuk jeung rungga. Naék sawilet tunggul dirurud catang dirumpak, ngalajur napsu ngumbar kahayang, ngaberung salin jinis angkara murka. Bari nyumput dina pipinding agama darigama. Ngitung ti ayeuna, ngaheulakeun dunya? Nyéngcéléngan amal keur ibadah jaga? Atawa kumaha engké?

DRUPADI 5

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 10:50:52

Bumi inggeung, seuneu ngabébéla, tingkolébat upluk-aplakna tegal Kurusétra lebah kalangkang rasa, babatang pasoléngkah, getih angkara ngabayabah lebah kadengdemna. Ngong sora Batara Agni ti uwung-awang ti lebah angkeubna méga-méga kulawu nu ngahieuman rasa, galindeng peura nyulusup kana batin Drupadi.
“Anaking…, hidep téh sang sudéwi impénan para batara-batari, sing sabar geulis, cakakakna angkara Dursasana, geuri kingkinna Dasarata, éta téh balilihan nu saenyana, ceurik nu sabenerna tina hirup jeung kahirupan…”
Kongkolak rasa nu baseuh ku cimata ngeueum warugana, karem ka lebah wiwirang nu taya hinggana.
“Duh …jagat batara….., béhna mah nu disebut judi jeung ajén diri bet ngintel dina kanyeri, aing nu ngaran Drupadi, béhna mah bet jadi korban kawijaksanaan salaki, nu digebruskeun ka lebah birahi rekayasa Sangkuni bari dihina ku asmara titisan angkara…”

PARNO

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 10:47:23

Hawana karasa béda. Caméwék harieum beungeut. Dunya asa ngaheureutan. Bréh. Nempo nu dibaju singsarwa bodas. Angen ratug neundeun curiga. Boa manéhna malakal maot. Nyolong ténjo incognito. Padahal ngahaja nganjang, seja mapag ngajak mulang. Rét ka luhur. Gebeg! Katara pakakas nu nyangkoyang. Boa alat panyabut nyawa, nu baris nyedot sukma tina ragana. Terrr..! Dumadak awak ngagibrig. Panas tiris. Luut-léét késang tiis. Rét ka handap. Sukuna antel ka ubin. Plong! Lain, lain Éta. Manéhna, pasti manusa sarua jeung aing. Ngarénghap. Hhhhh… Aman. Rét kana sakuna. Nogél spuit jarum suntik. Rey tingsariak. Boa eusina sianida. Ras ka Jack The River, psikopat rajapati nu tan ras-rasan. Boa-boa keur ngadodoho. Bongoh saeutik. Jress! Halaaah..kumaha ieung? Aduh biaaang! Tuluuuung!!!

KARÉK NYADAR

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 10:34:30

Hiji peuting, cép Maman jeung néng Mimin, anu karék jadi pangantén anyar. Keur tibra-tibrana saré. Keur kitu, ti luar imah aya anu keketrok. “Tok...tok..tok!” Néng Mimin langsung ngoréjat hudang. Tuluy ngaguyah-guyah salakina. “Kang gugah! Kang énggal gugah! Itu aya hansip?” pokna. Cép Maman anu keur lulungu, langsung pias jeung awakna ngadégdég.

“Alaaaaah, kudu nyumput dimana atuh?” Ceuk manéhna bingung campur soak.
“Tos énggal kabur léwat jandéla waé!” Témbal néng Mimin anu sarua soak.

Teu lila bari dikokolor kénéh, cép Maman langsung luncat ka luar kana jandéla. Manéhna asruk-asrukan ngaliwatan ruyuk. Awakna pareurih beunang ku eurih. Tuluy manéhna nyumput handapan tangkal anu buni. Geus jauh manéhna karék sadar. “Astagfirulloh! Apanan aing téh geus kawin!”

NGALALANA DI PUSEUR DAYEUH

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 10:18:03

Puseur dayeuh. Wanci manceran. Matapoé keur meumeujeuhna buringas. Nyongkab. Poé katilu, leumpang nutur-nutur indung suku. Lunta ti lembur, seja néangan kasab, bari ngajauhan manéhna, nu geus ngajejek harga diri. Bet kumalangkang waé kajadian peuting harita. "Ngaca atuh...!" Manéhna tipopolotot, dibarung cumiduh. Beungeut tangka lamokot. Sumbi..., Sumbi, aya ku teungteuingeun manéh téh! Awas siah! Hiji waktu mah, manéh nu kudu taluk, deku 'na suku kuring.

Teu babari geuning meunang pagawéan téh, sok komo ukur ijasah SMA. Teuing geus sabaraha hiji pausahaan nu nolak. Euweuh lowongan, basana téh. Leumpang rumanggieung. Awak leuseuh. Lapar jeung haus nu nataku. Bekel geus korédas.

Ngalungsar, hareupeun gedong. Bank Sunda. Ujug-ujug kaingetan. Enya, apan kungsi sakali-kalina nyetoran, basa pihak bank keur saba sakola. Apan ieu kartu ATM-na ogé didompétan! Sup, ka rohangan ATM. Kartu diasupkeun. Seleweg, kartu diteureuy mesin. Kutrak-kutrek mencét nomer PIN, laju kana tombol 100.000. Bréh, 'na monitor. "Punten, saldo salira kantun panineungan."

PAMANGGIH

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 10:14:39

Sagala rupa kadangkala nu dianggap gorèng sok diteumbleuhkeun ka barudak, misilna baè : barudak kiwari lamun cumarita sok ngarasa gèngsi ku basa indung da sok disebut “kampungan, teu gaul jeung sajabana“, mangkana sok campur aduk.
Tapi nurutkeun panalungtikan mah teu sagemblengna salah dibarudak, nu utamana mah kolotna sorangan. Lamun ku urang diperhatikeun ti budak tacan bisa bener nyarita kolotna sok ngajak nyarita ku basa èndonèsia.
Malahan mah nu ngaku yèn manèhna “inohong“ sorangan lamun dina riungan didaerahna sok loba nyaritana campur aduk.
Cing ayeuna saha nu salah??? Jawabanana mah aya di diri urang sorangan.
“Tèng manuk tèng, anak puyuh kukuncungan, uyah mah tara tèès ka luhur“
..........35@@@

ABDIL JEUNG ABDUL

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 09:04:37

Abdil : "Ngaran ujang saha ?"
Abdul : " Abdul Mang !"
Abdil : "Mana Abdul téh ?"
Abdul : "Tah ieu Mang !" Pokna bari nunjuk kana dada.
Abdil :" Lain da étamah dada !"
Abdul : " Nu ieu Mang " Pokna bari nunjuk kana sirah.
Abdil : " Ah sarua lain da éta mah sirah, ! coba nu mana atuh ?"
Gaplok Abdul nampiling mang Abdil satarikna.
Abdi : " Aduh.... naha maké nyabok , nyeri siah kéhéd?"
Abdul : " Kawas kumaha rupana nyeri téh Mang cing hayang nyaho ?"
Gogodeg. Duanana nyawang ka dirina séwang-séwangan.

TITIP EDELWEIS...

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 08:19:58

Demi harepan. Dikeureuyeuh. Sanajan sorangeun téh nanjak kacida. Mapay hambalan rasa. Malipir gawir katineung. Dina simpéna peuting nu taya purnama. Ketug jajantung marengan léngkah nu mingkin laun. Ngahégak!
Di mumunggang Gunung Gedé. Mapag srangéngé nu karék medal ti tebéh wétan.
Endah geuning, Cinta.
Tuh tingali! Lebah Alun-alun Suryakancana, Edelweis mawa panggupay trésna.
Mun téa mah bener éta téh lambang kaabadian, kuring seja titip sagagang.
Ka salira….

MACULAN GOAH

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 07:45:39

Najan pakasaban ukur buburuh macul, hirup teu wudu umum jeung batur. Teu haripeut ku teuteureuyeun. Anak pamajikan teu wéléh karangkaman. Budak satilu-tilu, tamat SMP waé mah. Ni’mat dahar, ni’mat saré. Pangala nu barokah.
Isuk-isuk. Manggul pacul. Saperti biasa, mapayan sawah tatangga. Ngabaladah heula. Isukan ngasakeunana. Ngagarokan. Nu boga tinggal tandur. Kitu nu geus maneuh, ti usum ka usum.
Hiji poé. Sahdi, jongjon nampingan. Teu kanyahoan, gurudug traktor. Ampir nabrak. Sorana, sesentak, “Halik ku aing, halik ku aing.” Sahdi, ukur ngiser. Kaclék, kaclék macul. Jedak, aya nu nabrak. Ngajurahroh. Diguley traktor. Hudang. Pindah kana heuleuran tonggoh, traktor nangoh. Pindah kana pétakan lebak, traktor nyampak. Sahdi, lumpat sakalumpat lampét. Traktor ngudag-ngudag. Bus ka imah. Sahdi, maculan goah.

BALÉBAT

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 07:17:16

Ngumpulkeun pangacian nu bacacaran, saprak dirakrak teu béja teu carita.”Ka balé ka pilemburan. Di hatéan ku malaka. Kamana kajojo nya pipikiran. Teu weléh rék tumarima....”
Reketek sampur ditalikeun kana cangkéng.”Kapungkur dunungan, kapungkur mah guguling panjang. Ayeuna mah ayeuna ukur cipanon. Ka mana mah dunungan nya kuring miang. Ka dinya mah ka nu sangkaan....”
Ayeuna waktuna pikeun narima kanyataan nu teu sapira. Kahayang embung disapirakeun. Tapi loba jalma nyapirakeun.”Haté leutik ngacacang ka pilemburan. Nu karasa ngan sauyunan. Hadé leutik jungjunan nu kaamparan. Da diri mah geuningan teu weléh montél....”
Sasat teu méré lolongkrang. Nu baheula ukur ucul-ucul catur tanpa bukur ayeuna maralik ngéwa. Sumawonna nu teu pati narima. ”Hayu atuh katuncar disina mawur. Diakalan ku sangkala. Kumaha mah dunungan teu weléh bingung. Aduh, teu weléh bingung...!”
Ngempyah teu eureun. Damar ngalinces katebak angin. Sampur dikebutkeun deui. Metot balébat sina ulin dina ukel dina tandak.

RUSIAH HIRUP

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 07:07:31

Asih. Ninggali baliho nu parangpang sajajalan para calon wawakil rahayat. Sok aya harèwos hatèna nu beurat ka kènca. Terus mandungan status jeung komèn, loba nu nyecelè. Macaan nu sèjèn deui nyakitu kènèh. Dikritik bèbèakan. Teu kaimpleng ku manèhna hayang jadi nu kitu. "Milu bajuang mèlaan rahayat ngarasa sugema najan teu jadi pajabat." Gerentes Asih dina hatèna.
Asih. Hirup kumbuh campur gaul jeung rahayat pilemburan. Resep ngabèla nu leutik ngabantu nu susah. Sanajan ukur ku tanaga. Teu ieuh manèhna boga rasa itu jeung ieu. Hiji mangsa, torojol SMS. "Wayahna kedah kersa nyalon dewan kanggo nyumponan kuota 30 persen ti kaum istri!"

LONGSOR

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 06:28:30

"Cu! Sabot langit bungkleng. Hatè maranèhna hideung, tara daèk nyabak cai abdas, tara ngagugu diajak nincak buruan masjid. Tatangkalan mah aya kènèh, ngan panghampura gusti tos robah jadi mamala."

NYUNGSI TINGTRIM DI MERAPI

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 06:01:38

Taneuh ngageter, lemah oyag ngariyeg eundeur. Di luhur, langit kiruh kasipuh ku haseup belewuk, mulek ngabuntel kakeueung, nyanghareupan murkana alam nu ngaberung mudalkeun amarah kapegung waktu. Teu kabilang lobana kanalangsa paselang jeung gorolang istighfar, ngusir karisi dina melas-melisna aweuhan takbir. Salaksa tangkal pasoléngkrah, mangréwu kahirupan kakubur kandelna lebu, raga-raga patulayah, hangit, kabawa saarna angin nu ngageuri. Pilemburan leungit dangiang, panas nyongkab manggang léngkah anu masih kumelendang.
Palebah palataran dina mumunggang nu lenglang manéhna ngajanteng anteng neuteup ka jauhna, nganti hujan ngabibis haringhang. Ukur rajegna tutunggul nu jadi batur, marengan geterna sukma muji kakawasaan tur kaagungan Mantenna. Biheung isuk jaganing géto lemah mana nu bakal kapeto saterusna. Sajorélat cimata murag, mépés gulidagna banjir lahar nu ngararad. Didieu carita dipungkas, nyacapkeun tugas séba kanyaah kana lemah nu ditincak dina sujud nu pamungkas.

TEU KORDINASI

Kénging Asep Sajah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 01:20:07

Karepna nyaah ka salaki. Belenyeng ka pasar. Srog ka toko emas. Ngajual anting nu ngan kari sabeulah. Laju nguriling ka tungtung pasar, muru tukang sapédah. Meuli ban. Ban digiwing. Ingkang raka tos saminggu angkat damelna nikreuh, alatan ban sapédahna, bajréd. Belenyéh seuri, "Suprais...!"

Ngahelas, ras ka ingkang garwa. Maké anting ngan sabeulah, nu hiji ragrag teuing dimana. Gura-giru mawa sapédah. Digiwing. Tukang loak disampeurkeun. Ngilo sapédah kameumeut matak nyeri. Belenyeng ka pasar ka toko emas. Meuli anting sabeulah. Untung diladangan. Belenyéh seuri, "Suprais...!"

Bedug asar. Ban sapédah anyar, jeung anting anyar, amprok. Jodo mah mémang jorok. Jorok kacida.

EMANSISAPI

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2013 00:06:50

"Pah, kumaha kelom Ibu tos disemir? Kadé hilap cing hérang, Ibu badé rapat diréksi." Nu Geulis norojol dijero kamar, rokna semu nyingsat, teu wani ngageunggeureuhkeun, sok malik nyorongot.
"Bilih badé sarapan, tos sayagi dina méja." ceuk kuring bari nunjuk kana goréng sangu jeung dadar endog.
Panawar kuring ngan dirérét saliwat, malah leuwih anteng nyisiran buuk.
"Moal kaburu, ngké waé di kantin!" gidig indit teu ngalieuk komo pamit mah.
Kuring teu loba pikir, laju nuluykeun ngepél tengah imah, nu kotor deui alatan ditincak ku nu Geulis.
Bérés mandi awak karasa seger, kapusing ngurangan, siap-siap indit gawé.
"Wilujeng énjing Bapa Guru!" nu paliwat mésem, ninggali kuring kasakola ngangais orok.