Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Maret 2013 (32 Naskah)


KURING, ANJEUN JEUNG SASEBIT TAKDIR

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 23:53:22

"Kuring téh daun, lalakon nu nungtut muguran, kapahung dina tapak ngalakay jadi kalangkang. Sedengkeun anjeun geus jadi tangkalna, pamuntangan unggal impian nu lumampah dina belegbegna peuting. Antara kuring jeung anjeun ukur kahalangan sasebit takdir nu jadi lalangsé sarénghapan waktu nu ku urang disebut kanyataan."

Saung Huma, 2013.

SIBEUNGEUT

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 23:52:14

Awak hareudang rasa bayeungyang, hayang sagebrus-gebrusna mandi matak seger dina implengan. Tepi ka imah, motor ditungtun kana garasi. Kulutrak muka panto dituturkeun ku jikan, "naha pararoék" gerentes haté. "Jadol téh PLN, pareum listrik lain wayah, puguh cai teu ngeusi kana bak, pikasebeleun". "Sabar akang" jikan mairan. "Euweuh sabar sabar, cik pang néangkeun naon wé keur sibeungeut!!", jikan ngaleos ninggalkeun kuring nu samutut.
Keuheul masih ngajeblug dina haté, késang napel meuni pepel. Asup ka tengah imah, dijuru nonggérak dua botol kécap meunang meuli minggu kamari di majaléngka, kécap asli, kakoncara kécap panghadéna. Pangangguran di alak ilik tuluy mawa péso keur muka tutupna, lumayan batur dahar pasosoré. Séttt...., péso nyopak tutup botol, "ceproooot!!!!!" kécap nyebrot kana beungeut, kana témbok, kana lalangit, oge kaos bodas jadi coklat, rangsak pinuh ku kécap. Jigana teu dihaja kakocok salila na motor majaléngka - bandung. Jikan nyéréngéh bari ngasongkeun elap. Tungtungna sibeungeut oge, sanajan maké kécap.

NU BALIK MÉMÉH MAGRIB

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 23:31:20

"Maaah, gugah!! Maaah ...!"
Asytagfirullohal adziiim! Ngusap beungeut. Geuning ukur ngaguyah-guyah bantal?
Sanggeus kumpul lelembutan, nyarandé kana risbang. Ngalamun. Kagedurkeun adzan subuh. Inget bareto, anyaran rumah tangga, solat berjamah. Ngado'a,
... "Nun Gusti, nu kagungan kacinta, mugi ngawidian, kacinta abdi duaan moal bade pukah, anging ku yuswa."
"Amiin Ya Robbal Alamin." Celengok nyium leungeun. Dibales. Dicium tarangna.

Diijabah do'a téh. Nalika sesedengna butuh batur. Asa dicocogan cucuk. Nyorangan. Cuang-cieung. Euweuh nu ngabawelan bari nyuguhan. Barudak geus marisah. Imah nu asalna leutik, karasa ublug-ablaag. Rajeun aya nu ngalongok, ukur sapoé dua poé. Ninggang keur sosonona ngasuh incu, baralik. Pleng. Nyorangan deui. Cuang-cieung deui.

Lungsé. Balik gawé. Diuk di tepas. Ku horéam pisan rék asup ka imah. Kasaréan. Hudang-hudang rék magrib. Kagareuwahkeun ku sora kameumeut mamah. Nu leungit, nalika mamah badé pamit. Uang-éong bari melong.
"Mamaaah ...! Si Luis muliiih ...!" Haté ngagorowok satakerna. Simpé.

NU BALIK MEMEH MAGRIB

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 23:28:05

"Maaah, gugah!! Maaah ...!"
Asytagfirullohal adziiim! Ngusap beungeut. Geuning ukur ngaguyah-guyah bantal?
Sanggeus kumpul lelembutan, nyarandé kana risbang. Ngalamun. Kagedurkeun adzan subuh. Inget bareto, anyaran rumah tangga, solat berjamah. Ngado'a,
"Nun Gusti, nu kagungan kacinta, mugi ngawidian, kacinta abdi duaan moal bade pukah, anging ku yuswa."
"Amiin Ya Robbal Alamin." Celengok nyium leungeun. Dibales. Dicium tarangna.

Diijabah do'a téh. Nalika sesedengna butuh batur. Asa dicocogan cucuk. Nyorangan. Cuang-cieung. Euweuh nu ngabawelan bari nyuguhan. Barudak geus marisah. Imah nu asalna leutik, karasa ublug-ablaag. Rajeun aya nu ngalongok, ukur sapoé dua poé. Ninggang keur sosonona ngasuh incu, baralik. Pleng. Nyorangan deui. Cuang-cieung deui.

Lungsé. Balik gawé. Diuk di tepas. Ku horéam pisan rék asup ka imah. Kasaréan. Hudang-hudang rék magrib. Kagareuwahkeun ku sora kameumeut mamah. Nu leungit, nalika mamah badé pamit. Uang-éong bari melong.
"Mamaaah ...! Si Luis muliiih ...!" Haté ngagorowok satakerna. Simpé.

MALEM MINGGU COY

Kénging Sucii Lestary
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 21:00:59

Alhamdulilah, patepung deui jeung malem minggu. Enyaan pisan, ciyus ayeunamah Apa téh moal kaluar wengi. " Aya kasempetan euy, bagéan Uing ah" gerentes na ati. Cékrékkk, karék gé muka panto. Ambu ngajorowok satarikna " ari manéh ék kamana? peuting kieu kukulintingan. Anguranmah babantu di imah, tuh Apa manéh waé gé cicing!" Pokna. " Na ari ambu, sok teu ngarti waé. Budak ngora téa. Kudu sareungit, biasa... Ék apel ateuuuh." Tembalna. " Indit wé Suha, Apa teu indit sotéh..." " Naon silaing téh?" can salsé nembal, Apa di tembrak ku Ambu. " Cokor uing digolok ku silaing koplok!" Tembal Apa, bari nyingsatkeun sarung.

NU PIREU

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 20:34:36

Manéhna kakara cacap sakola ti SMA. Beurat cenah ninggalkeun kulawarga téh. Tapi kikitir tanah sacangkéwok nu dicicingan ayeuna geus diborahkeun. Taya deui nu bisa diandelkeun geusan nebusanana. Lanceukna, puguh pireu ti barang gubrag. Adina nu dua lalembut kénéh.
“Cenah di rumah makan engkéna digawé téh, Nyai.”
“Muhun. Batur salembur urang ogé kapan seueur nu daramel ka ditu, Ma,” teger nakeranan ngajawabna.
“Tapi........”
“Ma, pami heug Apa jumeneng kénéh abdi gé moal lunta ka nu tebih. Di urang mah kapan batan sakieu kaayanana. Kikitir téh lapur mantén atuh henteu diémutan mah. Pidu’ana baé.” Jol nu mapagkeun. Lanceukna nu pireu bet tuluy pepeta. Tutunjuk ka jalma nu kakara turun tina mobil. Ceg kana sendal jepitna. Belewer dibalédogkeun. Curukna angger tutunjuk. Kana dadana, kana beuteungna, ka jalma nu kakara turun tina mobil.

KALANGSU

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 20:30:18

(Revisi)

“Huahahaha..! ” Nyakakak bari nulak cangkéng luhureun batu badag. Sorana geueuman ngeundeurkeun guha nu hieum. Lalaki tengah tuwuh, katelah Bah Jambrong. Buukna bodas jabrig, dibaju sing sarwa hideung. Geulang bahar mapaésan pigeulang kénca-katuhu. Ramo reunceum ku ali batu pirus. Jamaahna ngariung tingdarepong, bari nyembah acong-acongan. Dug! sukuna téténjrag. Byar! batu dumadak bencar. Jamaah beuki murungkut, ajrih. Teu wani nyengkatkeun awak. “Déngékeun ku saréréa! Silaing salawasna kudu percaya jeung nurut ka kaula, tanwandé kaula bakal nyumponan sagala paménta. Hirup ilaing dijamin bakal jamuga. Tapi..., mun ilaing baha jeung jalir kana kawajiban, ulah sambat kaniaya! Hirup ilaing bakal cilaka jeung sangsara.” Laju, hiji-hiji jamaah dititah maju ka hareup, dimandian cikembang. Bah Jambrong kunyam-kunyem mapatkeun jangjawokan. Rérés sakabéh dibai’at jeung dijampéan. Bah Jambrong neruskeun omongan, “Omat! Ti semet ieu, ilaing dipahing ngajalankeun paréntah agama. Jig, ayeuna geura arindit, lakonan paniatan masing-masing!” Sakabéh jamaah amitan, nyium leungeun Bah Jambrong. Tinglaléos, bari ngécagkeun kaimanan.

PINDAH TEMPAT

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 20:08:21

Enin keukeuh hoyong mindahkeun jasad aki ti Taman Makam Pahlawan. “ Ieuh èta tèh amanat aki maranèh, hayang di makamkeun di Pajaratan kulawarga!!” Saur enin.
Tungtungna èléh déét, kuring ngadeuheus ka Kodim. Da baheula aki dinesna di Angkatan Darat. Nya kuring dituduhkeun kudu ngadeuheus ka Pa Kasdim.
Èra-éra gé, demi enin méh teu nyarios waé, da keukeuh hoyong mindahkeunkeun makam aki. Kuring nepungan Pa Kasdim. Untung Pa Kasdim jalmina soméah, akuan sari-sari tukang heureuy. Jadi teu éra ngumahakeun kahoyong enin.
“ Pa!! Pan Pa Suhatma téh, kénging Béntang Gerilya, jaman bajoang kapungkur, janten pami ngantunkeun kedah di makamkeun di Taman Makam Pahlawan.” Saur Pa Kasdim.
Ngobrol ngalér ngidul, nu intina mah Pa Kasdim teu ng
idinan makam aki dipindahkeun. Tungtungna kuring béakeun akal, pok wé ngomong “ Kumaha atuda Pa! Pun aki téh peupeujeuheun nuju dines, kedah pikét , maenya ayeuna tos ngantunkeun kedah pikét deui..”

NU CEURIK DI KAMAR MAYIT

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 20:04:39

"Naha anjeun téga ninggalkeun Akang? Urang téh geus jangji pasini rék babarengan salawasna," sora Yanto melas-melis bari ngagugulung layon Ratna.
Cimatana ngucur. Euweuh eureunna. Unggal tempat kabanjiran. Riweuh. Itu-ieu papada nyalametkeun diri tina banjir anu rosa. Kabéh tilem.
Dunya ngadadak jadi laut. Imah ngarangkleung badis parahu bocor.
"Kiamat... kiamaaaat..! Ayeuna dunya ancur!" jalma-jalma patingcorowok. Maranéhna roroésan dina sagara cimata nu beuki motah. Aya nu ngojay bari néangan pamuntangan. Réa nu patingkerelep diteureuy cai nepi ka hanteuna.
Mata layon beunta. "Akang naha nangis?" layon Ratna neuteup nu keur ceurik. Yanto ngagebeg, reuwas. "Ieu waktuna akang milu jeung abdi!" ceuk layon Ratna bari gerewek ngégél beuheung Yanto nu olohok. Tresna dipungkas ku pati.

GULIGAH TI RUMAH SINGGAH

Kénging Dadi Arya
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 19:27:31

“Sakalian pangmikeunkeun, nya?”
“Si Koplok! Lalaki mah kudu jantan, nyaho?”
“Tulungan atuh, euy....”
“Heugaé, urangah. Tapi tong ngérakeun siah! Basana kudu merenah....”
“Nya heueuh, atuh. Ngaranna gé, surat cinta!”
“Hahaha... Sugan beungeut gakgak jiga manéh mah moal katarajang cinta, Sarkudaaan!”
“Buru atuh, pangnuliskeun!”
“Heueuh, sok...diktékeun!”
........
“Teu kedah kemba. Geura, ieu raraoskeun ketug jajantung. Nu teu kendat dugdeg mangsa marudah. Binarung kidung gandrung nu gumembrung. Ieung. Saban méga gulinggasahan, mangyuta kahamham milu mairan. Maksa... Matak rumegag, kawas lampu setopan nu umincah warna. Padahal, sok teras ngagateng, saban pareng langit meteng.
Ah, boa-boa awak brangta. Dibanda trésna nu taya wiwaha. Nandangan bahara rumasa. Mun kaduga maca ringkang kalangkang, meureun rék nganyam jangjang. Geusan ngalayang, ngalawungan sulintang. Disina wakca. Seja séba turug sideku.
Haturan, sakeprul ketug jajantung.... Keur anjeun: Atin Kurniatin.”
........
“Dan...?”
“Enya, Tin. Keur manéh....”

LAIN SALAH KURING

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 17:37:18

Paguneman
récok silih tuding.
Teu tuntas.
Nyawalakeun kota,
kakeueum cileuncang.
Meunang hasil
rempugan
mumusuhan.
Di pipir aula. Satumpuk
runtah, silipundak.
kérésék nincak punduk
botol akua, bungkus
roti jéngké dina sirah
botol aqua noong nu
keur sawala.
Kahalangan cangkang
roko dina galar. Kocéak
cangkang suuk kajejek
bangké hayam "Neuleu
lur ari liwat téh.!"
"Lain kahayang uing
dipiceun kadieu!"
bangké hayam
muncereng.
Gebrèt..., hujan badag.
Seook.., cileuncang
nyéréd kuring
saparakanca. Léb cai
minuhan buruan aula,
nepi kana biwir tepas.
"Halik... tong ngahalangan
aing..!" Cileuncang
molototan Runtah. "Ih
lain salah uing. Tuh
tempo kusia..!" curuk
kérésék bentik
nuduhkeun nu nu
sawala miceun bungkus
tahu tina kaca jandéla.

GULIGAH TI RUMAH SINGGAH

Kénging Dadi Arya
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 17:35:17

“Sakalian pangmikeunkeun, nya?”
“Si Koplok! Lalaki mah kudu jantan, Sardaaan!”
“Tulungan atuh, Sartiiin!”
“Heugaé, urangah. Tapi tong ngérakeun siah, Mursidan! Basana kudu merenah....”
“Nya heueuh atuh, Kurniatin! Ngaranna gé, surat cinta!”
“Héhéhé.... Saha awéwéna nu bakal numbuk suwé téh? Si Fitri? Si Néndén?”
“Lain, Sarkutiiin!”
“Hahaha... Panasaran tuda, sugan beungeut gakgak kitu mah moal katarajang cinta, Sarkudaaan!”
“Sok-sok, pangnuliskeun!”
“Heueuh, sok...diktékeun!”
........
“Teu kedah kemba. Geura, ieu raraoskeun ketug jajantung. Nu teu kendat dugdeg mangsa marudah. Binarung kidung gandrung nu gumembrung. Ieung. Saban méga gulinggasahan, mangyuta kahamham milu mairan. Maksa... Matak rumegag, kawas lampu setopan nu umincah warna. Padahal, sok teras ngagateng, saban pareng langit meteng.
Ah, boa-boa awak brangta. Dibanda trésna nu taya wiwaha. Nandangan bahara rumasa. Mun kaduga maca ringkang kalangkang, meureun rék nganyam jangjang. Geusan ngalayang, ngalawungan sulintang. Disina wakca. Seja séba turug sideku.
Haturan, sakeprul ketug jajantung.... Keur anjeun: Atin Kurniatin.”
........
“Dan...?”
“Enya, Tin. Keur manéh....”

MUNGKAS GAMBAR KATINEUNG

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 17:28:14

"Geulis! Akang, lain rék mopohokeun anjeun!" sora lalaki, welasan taun kalarung, jadi batur hirup kuring. Dumareuda. Leleb neuteup kuring. Lelembutan narawangan, ka alam kuring kiwari. Lalaunan, leungeunna ngaragamang. Ngusap sakujur tangtungan kuring. Mangsa panganténan.. Panineungan ngamalir 'na teuteup geugeut manéhna. Kuring teu walakaya. Mingkin pageuh. Balukarna, cimata bedah. Murubut, ngalantisan waruga kuring. Gumenclang 'na kulit kaca pipinding kuring. Katojo cahaya lampu kamar. Jung, manéhna nagtung. Laju mawa kuring ka patengahan. Lalaunan, padumukan dirangsadan. Gap! Nyekel waruga ku leungeun kéncanana. Cekés! Kayu api dikotrétkeun. Bur! seuneuna hurung. Ngalices katiup angin nu nyelesep 'na érang-érang jandéla tepas. Létah seuneu ngaléntaban waruga .Kuring dihuru. "Hampura Akang! Nyai, muga lugina di alam kalanggengan. Akang seja mungkas lalagasan. Tutas paturay jeung anjeun. Dua taun ka tukang," haroshos. Les! Sorana teu kapireng deui, mareng jeung rénghékna waruga kuring. Nu karasa ukur geter ramo-ramona. Ngarameus rangsakna waruga, nu jadi lebu. Bru! Kuring patulayah 'na wadah runtah.

MONYÉT KASÉP

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 17:15:01

"Hiks, hiks.. abdi sanés monyét, kaaséép... hiks, hiks!" budak ngahinghing ceurik pédah ku indungna disebut kitu. Ari budak pangembungeunana disebut kitu téh. "Jep, jep! ujang mah sanés monyét kasép, tuh monyét kasép mah!" kuring nunjuk kana tangkal cau, maksud mah ngabeuberah budak, sangkan répéh. "Sanéés.. Itu mah kuééh... hiks, hiks!" ceuk budak, anggeur ceurik. "Ntos atuh tong nangis waé, mending urang ameng yu!" Kuring geuwat ngarawu budak. Budak téh répéh sabada ku kuring dibawa ulin guguntayangan tina dahan ka dahan.

ASIH KEUR SAHA ?

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 16:26:21

Sabèrèsna gunting pita gedong sakola anyar, Asih sabalad -balad baralik ngabring. Di jalan poèk. Pihujaneun ngagarayot.
Untung Asih mawa payung. Sapayung duaan bari ngobrol. Poho kababaturan. Sempal guyon sajajalan. Bungah kacida keur guru Asèpmah aya kasempetan. "Saleresna, akangtèh kataji ku hidep ti barang amprok ngawitan." ceuk batur sapayung Asih, bari noyod leumpang bareng. Asih gè ngarasakeun yèn manèhna aya hatè kadua leutik. "Naha atuh kakara ayeuna kedal?" Asih ukur bisa tumanya dina hatè. "Kumaha?" pok deui guru Asèp nanya bari nagrèrèt. Teu karasa geus tepi ka jalan gedè. Teu kebat ngajawab, sabab kaburu aya mobil. "Diantosnya waleranana!" Ceuk Guru Asèp bari gugupay. Dibales gugupay ku Asih nu muru angped. Duanana papisah lantaran bèda jurusan. Sapeupeuting teu bisa sarè. Guling gasahan bulang- baling kaditu-kadieu. Bingung teu manggih tungtung. Kumaha pijawabeun. "Naha atuh kakara kedal ayeuna Kang Asèp?" Gerentes hatèna.
Sabenerna, Asih ogè kataji ku sikep jeung kalakuan Guru Asèp. Ngan hanjakal kakara terus terang ayeuna. Hatèna sabil kudu kumaha . Ali meneng anu kakara saminggu dina jarijina dicoo diulak ilik.

SKENARIO KURING

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 14:55:18

Tina soca nu anteb Kévin neuteup deudeuh ka Andria. Basa raray pacakeut. Andria peureum. Tina asih ngalirkeun galura asmara anu kagambar tina diaduna dua lambeuy.
"Kat! Kat!" sutradara motong adegan. "Apa-apaan kalian ini, hah? Saya tidak menyuruh kalian melakukan adegan sronok!" Sutradara molotot ka dua pamaéna. Kévin teu ngomong, anggur nangtung bari ngarawel leungeun andria. Sutradara olohok nempokeun nu ngaléos kalem bari silih kaléng ninggalkeun éta tempat. Sutradara malik ngarérét ka kuring, taktakna ngangkat bari leungeuna ranggah jiga nu tamada ka kuring. Ari kuring mah jongjon wé hareupeun layar keur ngagambar maranéhna.

NU MELAK CABÉ

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 14:13:03

Panglima dedemit ngaraga meneng. Hélok ku kasaktén nu ngaburak-barik tegal siawat-awat, alas bandawasa jeung gunung angker karajaana. Wadia baladna teu mangga pulia nadah serangan kadigjayaana, anu nyeplés pisan jeung kasaktén rajana. Panglima bati olohok, nalika sasadu yen teu mampu nadah serangan nu ngaranjah nagrina. Prabu Banaspati nu nyangking nagri ukur mesem, bari tuluy maréntahkeun ka para ponggawa jeung sakumna rahayat pikeun ngungsi ka tempat séjen anu leuwih hara-haraeun. Panglima teu eungeuh, yen kiwari pikiran rajana keur dibakutet ku gelenyuna imut manis nu matak lanjung. Rasana keur kumalayang ka mangsa keur nyaru jadi Ajengan, carogena istri geulis anu nyangkalak birahina tepi ka meutinganana. Pikirana keur gutreng, “ Nya ieu meureun pelak cabé kuring téh!”

MERUHKEUN CINTA 7

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 12:40:13

Song, dua lambar diasongkeun kanu jajaluk. Sajorélat. Jungkiringna ngaliwatan juru panon. Diteuteup. Cindungna beuki nurub, tungkul ngaléngkah rusuh. Laju diudag. Moal salah nempo, tulang iga nu leungit ti jaman kalarung.
“Manawi teu kaabotan, hoyong silititipkeun katineung.”
Bangun reuwaseun, luk tungkul. Jiga nu neger-neger manéh.
Pok deui, “Dimana linggih?”
Pameunteuna beureum ngembang eros. Ngeleper.
“Haputen, abdi tos dijodokeun sareng pamuda nu tara ngumbar teuteupan. ”
Berebet lumpat. Bareng jeung leungit sora kedeprukna, ilang ogé sabagéan haté. Dipaluruh. Kapanggih dimana imahna. Ngan keukeuh, kalimah panungtung ti manéhna matak nyuplak wawanén. Ahirna ngisat. Seja néangan sajero-jerona. Tilu taun, ngabina diri. Laju datang jeung kolot pituin ngalamar. Titis tulis bagjaning tresna, ditampa. Ituna ogé, geuning ingeteun kénéh. Rérés dirapalan, maleman pangantén silitanya.
“Kunaon anjeun nampi pangleuleuheung kuring?” Nu geulis imut kareueut, ngagolédag.
“Ningali salira ngasongkeun sidkah kanu jajaluk. Émut?” Bari malik, béntang kamelang naros sami.
“Sabab kuring katumbuk ungkara anjeun nu panungtung.”

MALURUH NU PERLAYA

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 12:10:45

Duka saha ari ngaranna mah. Ngan pamajikanana, mitohana, tatanggana rék saluhureun atawa sahandapeun, saréréa nyebutna si Emas. Pédah lain urang Sunda, meureun. Si Emas, teu boga kasab matuh, sagawé-gawé. Ti mimiti ngabedug, mun usum nyawah. Dibuat, mun usum panén. Nepi ka-ngeduk sumur, mun usun katiga.
Pamitan ka Mitoha. Bébéja ka Pamajikan. Bosen cenah gawé samakbruk. Hayang boga nu maneuh. Rék nyiar ka dayeuh. Nu miang dijajap ku dunga, kulawargana.
Mangbulan-bulan, taya béja. Méh sataun, euweuh carita. Nu jadi pamajikan melang, nya dipaluruh ka dayeuh. Teu lila, geus kurunyung deui. Hariweusweus, dodongén ka kolotna, “Ema, Apa…! si Emas téh, ‘ning tos perlaya.” “Gusti…! Innalillahi… saterusna kumaha, Nyi?” “Si Emas, aya nu maténi, disiksik dikunyit-kunyit. Teras diical!” “Naha aya nu meuli, dagingna si Emas?” “Di kota mah aya, diunggal gédéngeun toko ‘Perhiasan’ rentul jongko-jongko aralit, aya seratan ngajeblag ‘Terima Jual Mas’ aksarana pulas beureum-konéng.” Hing, ceurik ngabangingik.***

RUJAK CAU

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 11:42:58

Usum panén geus datang. "Tétéét toéét! Tétéét toéét!" Empét-empétan jarami tingtaroét patémbalan. "Jalu, jung ka ditu ka Bah Wiranta! Pangdo'aankeun menyan kituh, keur dibuat!" Indungna cakah-cikih di dapur, sasadiaan parabot jeung bekel keur panén munggaran. "Seungit naon 'Ma, 'ni melenghir kieu?" si Ujang seukeut angseuna. "Tong culamétan siah! Lain jang sia! Pamali!" indungna ngagebés nu ungas-ingus. "Jalu, bawa tah bebekelan 'na tolombong! Hayu, meungpeung isuk kénéh, kaburu panas!" Si Ujang ngintil milu ka sawah. Bul kukus parukuyan ngelun. 'Ma Iti menekung. Mapat pangdu'a karahayuan. Sabot si Éma bongoh ngahanca pabuatan, si Ujang nguliwed ka juru kotakan. Seungitna Rujak Cau Émas teu weléh napel dina implengan. "Hampura 'Ma, hampura Nyimas Déwi Sri, bongan ieu rujak cau sakieu seungit jeung legitna." Gura-giru si Ujang ngarit. Ngala jukut na galengan. "Jalu ..., 'ningan rujak cau geus kari satengahna ...?" Nu ngarit tibang ngarérét, "Boa 'Ma, tos ditampi Nyi Pohaci, da kalandepna!"

LAIN SALAH KURING

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 09:51:51

Paguneman recok silih tuding-tuding. Teu tuntas. Nyawalakeun kota. Ka keueum cileuncang. Menang hasil mumusuhan.

Di pipir aula. Satumpuk runtah. Sili jejek. Kérésék nijek punduk Botol Akua, Bungkus Roti jujul noong nu keur sawala. Kahalangan Cangkang Roko dina galar. Koceak Cangkang Suk kajejek Bangké Hayam "Neuleu lur ari liwat téh.!"
"Lain kahayang uing dipiceun kadieu!" Bangké hayam muncereng.

Gebrèt..., hujan badag. Seook.., cileuncang nyéréd kuring saparakanca. Léb cai minuhan buruan aula.
"Halik... ngahalangan aing..!" Cileuncang molototan runtah. "Ih lain salah uing. Tuh tempo kusia..!" curuk Kérésék bentik nuduhkeun nu nu sawala miceun bungkus tahu tina kaca jandéla.

KARÉK NYAHO 2

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 09:19:28

Téh Ratna jeung Ratih kacida sedihna barang nyaho Ibu jeung Bi Isah rék dibawa. Di kota, parawatan keur Ibu leuwih gampang. Salaku Presidén Komisaris di sababaraha pausahaan, duit teu jadi masalah keur kuring, asal Ibu tiasa lalandong.

Balik ngontrol pabrik, kuring langsung ka ruangan husus tempat biasa méakkeun waktu, sosoranganan. Ruangan anu ngahaja dipinuhan ratusan bonéka, patung parunggu satangtungan ibu menang pesen ti Prancis, jeung.... “Ibu!, nuju naon di dieu?” tanya téh waktu mergo Ibu keur mencrong potrét anjeunna anu ngahaja ku kuring digedékeun ukuran saméter ka dua méter, dipiguraan ku pérak meunang pesen ti Kota Gedé, tur di handapna ku kuring ditulisan, ‘Mom, why do you often hurt me? why don’t you love me? However, I always love you.” Katingali aya cisoca ngalémbéréh dina damis.

Tarjamah : Ibu, naha sering nyiksa abdi? Naha teu nyaah ka abdi? Sanajan kitu, abdi tetep nyaah ka anjeun.

TUTUNGGUL KATEUWALAKAYA

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 09:05:34

Najan haté marungkawut, jauhna teu kaampeuh maksakeun indit. Nohonan rasa sono nu marudah bari neger-neger manéh. Lalampahan meulah kota nu pahibut ku rupaning urusan jalma beut nyésakeun simpé. Cika-cika rupaning warna patingsuruwuk, paheula-heula, paudag-udag teu sirikna saban wanci.

Anjog deui ka ieu patempatan sanggeus mangbulan-bulan teu kasaba. Nitenan sakuriling bungking. Gunung nu ngalamuk paul, masieup éndahna tatar Sunda. Anggrek sumedeng mekar. Sedeng kukupu nu gédé nu leutik tinggeleber eunteup ti hiji kembang ka kembang séjénna.

Haté rajét inget kana ma’na ieu patempatan jeung satumpuk mémori éndah nu pernah ngawarnaaan lalakon kahirupan. Takdir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disinglar. Kuring milih carita sorangan. Nutup kulambu carita nu pernah diukir dina prasasti haté.

Hiliwir angin jeung wirahma daun nu pagesrék kiwari saukur panineungan. Recetna sora manuk ngan ukur nyésa dina implengan. Sedeng anggrék nu rupa-rupa jeung warna-warni ngan kari potrét nu ngeusian album kembang. Sapada sajak baheula, ngarangrangan dina tutunggul kateuwalakaya. ***

TOBAT

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 08:56:48

Nyah beunta, gigisik bari terus nguniang hudang, panonna neuteup sajadah nu ngalumbuk di juru kamarna, hawar-hawar sora adzan meupeus simpéna subuh.
“Naha kamana baé ari manéh?” gerendengna, aya cimata pinuh rumasa ngeclak tina kongkolak panonna. “Hapunten Gusti....”, bari terus cengkat muru sajadahna nu geus lila ngalumbuk di juru kamarna

SAPI AING!

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 08:51:22

Brugg..sundung digubrakeun. Suhaéli, duik na kokopan bari ngelapan késang nu ngabaseuhan beungeutna. Lain sataun dua taun, aya kana puluhna. Suhaéli, pakasabanna ngingu sapi. “Sapi, sapi aing, diparaban ku aing, dimandian ku aing, ngan…moal ari direuneuhan mah sia téh, di IB wé..!” Suhaéli ngomong sorangan bari ngusapan punduk sapi. Kawentar, apik ngurus, getén tur towéksa. Suhaeli, tara rugi. Nu diurusna, jiga ngarti, nurut, éta minangka balas budina ka Suhaéli.
Pasosoré. Jedak, jedak, braakk… kandang sapi oyag. Suhaéli, teu ngarti, hémeng. “Aya naon sia téh atuh? koop…tahhh!” ceuk Suhaéli bari marabkeun jukut. Sapi, motah bebedag, ngamuk jiga kaasupan gaang. Tihang kandang, rungkad. Kenténg, mawur. Sapi, mabal. Diudag, malik ngudag. Suhaeli, ditubruk digadilan.Ditéjéh, kapiuhan di kandang sapi. Bareng inget, rentang-rentang sapi datang. Pok sapi ngomong, “Sia, moal diparaban, moal dimandian, ngan…tas diguley ku aing!” Ibur salelembur éar sajajagat. Suhaeli, disiksa sapi imporna!

GEUS TEU JAMAN

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 08:31:57

Rap sapatu menang nyemir dipaké, si ontél nu nyangkéré dina témbok diusapan maké deudeuh, kalacat, terus nyemprung meulah jalanan simpé, rebun-rebun dibaturan ibun.
Teu karasa, gedong sigrong ditiangan awi gombong geus katémbong, ngaboséh dilaunan, sup ka palataran, si ontél disarandékeun sina reureuh.
"Wilujeng enjing Bapa Kapala." meni réang.
Leuuuusssss, kacapé ngalayang ilang, ninggali barudak nyalengir, ronghok dina jandéla kelas.
"Aéh, ari guruna kamarana?" kacapé datang deui, panon ngarérét kawarung sakola.

NGABEBENJOKEUN

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 08:28:32

Ibun isuk-isuk marengan inghakna Noneng. Bi Amah tagiwur. Bari ngangsurkeun batok kalapa, adonan pisurabieun diasakkeun. Nu meuli geus rabul. Sibuk ngaladangan. Nyelang heula ngupahan. "jep geulis, engkin ladang surabi urang peserkeun kana sapatu".
Torojol mang Uned. Ngolo Noneng budak hiji-hijina.
"tos, repeh atuh karah. Ngiring ka ama yu nayoran". Ahirna mah Noneng leah, daek milu nambangan. Gasik nayor ngageuleuyeung. Mang Uned jongjon. Noneng anjeucleu sura seuri. Bungah.

TATAN-TATAN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 07:35:30

Tukangeun imah. Tutas ngasah étém nu marintul. Gap kana dacin. Digular-giler, rada sereg. Cur diolian améh leueur. Tumpukan karung dibukaan, weuteuh taya nu bolong. Ditilepan sup kana wakul. Rét ka salang nu nyangkol. Dirawél laju disindetkeun kana rancatan.
Teu lila, giridig aya nu datang manggul beungkeutan giribig anyar. Bru gigireun leuit.
“Aéh geus datang, Lo.” Ngabagéakeun Engkos, alona nu tas dititah numbleg giribig.
“Giribig ukuran sedeng keur kosong, Mang. Kari nu rarubak wungkul.” Engkos laporan bari ngeprukan kekebul.
“Heueuh kajeun, nu penting mah aya. Ké, ari nu deuk derep isukan, geus dibéjaan kabéh, Lo?”
“Enggeus, Mang. Diutamakeun nu harita milu ngoyos. Ngan Mang Wasli kadua rubiah moal bisa milu. Cenah deuk derep nu sorangan. Talatahna, dahalal milu ngasag baé.”
“Nya teu nanaeun. Ulah waka balik, Lo. Madang heula di dieu. Tuh si Embi keur ngakeul. Sakeudeung deui pais peda jeung angeuna asak.”
“Enggih, Mang,” bari ngarawu suluh, léos ka pawon.

3

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 07:15:34

Nurutkeun panalungtikan para ahli ti jaman baheula nepika jaman kiwari, saenyana baè :
3 perkara nu ngajadikeun:
jalma cilaka ku 3 O, nyaèta: POHO, BODO katut BOLOHO...
jalma ancur ku 3 TA, nyaèta : HARTA, TAHTA katut WANITA ...
lalaki wenang nyandung ku 3 A, nyaeta: RAJA, KAYA katut ULAMA.
jalma jadi ahli ku 3 SA, nyaèta: PAKSA, BIASA katut BISA
Wilujeng wayah kieu baraya ..........35@@@

KAKARÉN PASANTRÉN XXXVI

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 06:17:49

Di payuneun jama’ah nu seuseueurna ibu-ibu Cép Duloh dihaturanan kanggo masihan pangdeudeulna dina acara peresmian panti asuhan. Saurna, “Alam ka kiwarian nungtut sarwa sajorélat dina sagala widang. Pon kitu deui dina urusan boga anak. Ku kituna luyu jeung tungtutan jaman, kiwari geus lumrah ayana cinta kilat dina harti bisa boga anak sok sanajan teu boga salaki! Kaayaan samodel kieu ulah waka dianggap awon!” Ibu-ibu rada karerung. “Tah dina leresan ieu pisan, di panti asuhan ieu urang sasarengan ngabuktikeunana. Étang-étang napak tilas sajarah Siti Mariyam, mung aya punjulna nyaéta langkung ringkes margi ibu-ibu sadayana teu kedah ngababarkeun heula.” Surti kana naon nu dimaksud ku Cép Duloh, teuteup deudeuh panon haté hadirin, areunteup dina embun-embunan barudak yatim piatu.

RANGGAÉK

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 03:34:49

Kulantaran hayang beunghar, Galingging panas tiris gé teu dirasa, Pamadégan sugan jeung sugan hirup di dunya bisa sapanjang jaman.
Mulang gawé, Rada ngangluh. Pipikiran Ranggaék kaitu-kaieu.
Mikiran Gupernur mah, Nu angger meunang, Lantaran direndengan ku tukang obat, Mikiran Nu Garelut mah ku cara dariuk, Mikiran urang sunda iraha sareundeuk saigél sapihanéan, Lamun jaman robah lantaran basana ampir pareum.
Pikiran nu pang-Ranggékna, Unggal bijil panon poé nepi ka surup panon poé can boga batur saré.

RANGGAÉK

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2013 03:32:42

Kulantaran hayang beunghar, Galingging panas tiris gé teu dirasa, Pamadégan sugan jeung sugan hirup di dunya bisa sapanjang jaman.
Mulang gawé, Rada ngangluh. Pipikiran Ranggaék kaitu-kaieu.
Mikiran Gupernur mah, Nu angger meunang, Lantaran direndengan ku tukang obat, Mikiran Nu Garelut mah ku cara dariuk, Mikiran urang sunda iraha sareundeuk saigél sapihanéan, Lamun jaman robah lantaran basana ampir pareum.
Pikiran nu pang-Ranggékna, Unggal bijil panon poé nepi ka surup poé euweuh geuning can boga batur saré.