Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 28 Fébruari 2013 (30 Naskah)


DUNGA INDUNG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 23:33:47

Rebun kénéh naker, geus saged. Ngélék ijasah. Saméméh kencling indit, anak jeung pamajikan, ngadungakeun bari caleurik paungku-ungku. Malar nu nyiar gawé, balik mawa hasil.
Nyamos jeung nyamos waé. Puluhan pausahaan gedé, dideugdeug. Welasan kantor pamaréntahan, didatangan. Jawabanana saragem, “Tidak ada lowongan!” Cenah. Samalah kungsi téken Soldadu, lasut! Saur Ema, “Sujang, can waktuna wé, meureun. Sing sabar, nu sabar mah dipikaasih ku Gusti.”
Mulang ka lembur. Sungkem ka Ema. Dampal sampéanna diwasuh. Cai pangwasuhanana terus diinum. Ngalengis peurih, meredih pidungana, sangkan buru-buru meunang gawé.
Dunga Indung, mujarab. Ujug-ujug juljol, pingpinan-pingpinan pausahaan geledegan. Boh nu ti Nagri sorangan atawa nu ti Mancanagara. Datang. Ménta si Sujang, pikeun jadi pagawé di pausahaanana.
Barieukeun, loba teuing nu ménta. Deui-deui paungku-ungku. Anak, pamajikan, kolot, mitoha jeung tatangga, caleurik kanyenyerian. Kapaksa sakabéh nu ménta, ditampik. Lain teu narimakeun, cenah. Nu jadi sabab, si Sujangna geus leuwih ti heula, dipénta ku Malaékat Ijroil.***

MANG KANTA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 23:01:37

Mang Kanta nanawarkeun bilik. Awor jeung pating garerungna kandaraan turta tat-tét-totna lakson. Wanci tangangé can ngararisan. Beuteung nagih eusi. Tikoro garing. Botol cai ngolétrak. Matapoé niruk embun-embunan. “Listrik tos ditagih. Kontrakan tilu sasiheun, upami énjing teu mayar ngiuhan dimana?” cék pamajikannana méméh indit. “Sapatu tos coplok dampalna,” si bungsu mairan. Peuntaseun Bank. Ngarandeg. Gék luhur trotoar teu anggang ti tukang céndol nu ti tadi pakpikpek ngaladangan. Kumétap. Neureuyan ciduh. Reg. Mobil sédan hareupeun. Ngajemput. Lalaki bayuhyuh kaluar ti bank rébo ku babawaan. Kalacat. Biur. Pluk. Aya nu murag hareupeun. Dipulung ku Mang Kanta. Amplop. Kandel. “Duit?” ngahuleng. “Milik!” tukang céndol ngadeukeutan. “Nu batur! Rék dipulangkeun!” omongna. “Bodo! Milik,” témpasna. Keur pacéntal-céntal nu bogana balik deui. Jut turun. Kokotéténgan. Tuluy ngajanteng bari méncétan tarang. Beungeutna alum. “Gan, milari ieu!” Mang Kanta nyampeurkeun. “Leres! Nuhun,” ngagabrug. Kusiwel ngaluarkeun duit lambaran bareureum. Jumlahna lain saeutik. “Wios, Gan,” omongna. “Tampi, Mang,” disesepkeun kana kantongna.

CARITA MALEM JUMAAH

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 22:55:14

Wengi jumaah ayeuna, di kamar ieu, urang tepang dina rasa nu pagaliwota, teu nyangka, urang tiasa pataréma rasa katut raga pikeun namplokeun keclak tirta rasa nu gumulung dina katrésna.

TUNDUH

Kénging Haneutmoyan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 22:44:17

Leungit bantal

Kénging Kenthunk Bahmana
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 22:34:17

Kareta di dorong di oyag-oyag sorangan, nyelap kana lemah nu ngagebrah kawas ngahaja. Bari keukeuh rancingeus ningali panah nu ting belesur ngarah jajantungna. Kajadian eta saenggeus mitoha nu jadi kusirna di tundung turun tina kareta perangna. Tutunggul rahayu bati jumerit melang k dua nana, da sidik nu bitotama begalan pati teh dulur sakandung, ngajeritna beki tarik sangeus ningali aya nu pegat ku pasopati

BULAN HIDEUNG DI LANGIT DEUNGEUN

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 22:17:29

"Gableg anak hiji-hijina téh podaraneun!"
"Teu kénging kitu, Pap! Masih seueur jalan kanggo ngalandongan."
Salju terus muruluk. Nyeuceuh imah nu keur dihuru seuneu jero dada saurang pangeusina.
"Panggil Si Bangkar Warah!"

Elizabét teu wani tanggah. Najan pangrasana terus nyunyurung, nitah ngalawan. Katresna kudu dibéla. Teu paduli indung bapa.
"Bener sia geus sabrug?"
"Muhun, Pap."
"Geus lila?"
"lami."
"Reuneuh nya, sia!"
"Teu acan."
"Kurang ajar siah!" Gampleng, gampleng! Ditampilingan.
"Atos Pap! Hawatos! Burung palung bodo gélo gé anak urang."
"Geroan Si Jangkar Kéhédna!"

Bulan hideung. Langit cakueum. Nyakséni hiji haté dirarajét, alatan mikacinta.
"Bener sia geus sapatemon jeung anak aing?"
Jegug, jegug! Si Robert ngaenyakeun.

HAYANG NYANDUNG

Kénging Ki Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 20:42:20

Umur geus tunggang gunung, tapak kahirupan natrat, boga anak dua, sajodo. Pamajikan sok sanajan sarua geus umuran katingalina ku kuring bet kalah asa beuki geulis; duka pédah titingalian kuring anu geus rabun.
Geus saminggu, sok kadatangan ku si cikal, anak lalaki hiji-hijina. Jauh-jauh ti kota nepungan kolot, cenah hayang ngobrol ngeunaan bag-bagan agama. Atuh kolot mana anu teu ngarasa reueus? Geus dua peuting obrolan téh brasna kana urusan nyandung waé, puguh matak hémeng. Keun ari ngan saukur bahan gunem catur, da ieu mah ku jadi matak jangar sirah. Éta cenah hayang nyampurnakeun pasunatan ku cara nyandung. Kituna téh ku keukeuh. Enya dina kituna mah wajar, haji geus leuwih ti sakali. Komo deui ibadah wajib jeung pasunatan mah, kuring gé sok ngarasa tétér. Malah boga yayasan Yatim Piatu sagala rupa.
Akhirna kuring pok ngomong, “Ujang, kumaha arék bisa nyandung? Kapan kawin ogé ujang téh acan, ujang téh acan boga pamajikan!”

MÉH SAREUPNA MULANG TÉH

Kénging Pun Purnawan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 20:15:16

Karasa pisan haneutna lalambé Si Bungsu basa nyium pipi. Leungeuna satengah nangkeup kana harigu, paromana rada reueuk, panona mencrong ka kuring, tapi taya cimataan. Nu Cikal, katémbong nangtung bari nyegruk ditangkeup ku Uana. Karék tilu taun jalan Si Bungsu mah, keur meumeujeuhna lucu. Si Cikal, sarua awéwé, geus nincak kelas 5 SD. Mun datang sakola téh sok hariweusweus, aya babaturan lalaki nu sok ngaheureuyan cénah. “Bogoheun éta téh” cék kuring ngaheureuyan. “Apa ih, nggak tau ah” némbalna kamalayon bari tuluy indit ka kamarna, ketémbong kulit rarayna rada asak.
Karasa pisan, deuih haneutna lalambé Indung budak basa nyium pipi nu tadi dicium ku Si Bungsu, terus kana taar, tuluy ngusap sirah. Bari dareuda, sorana kareungeu rada beurat ngaharéwos “Wilujeng angkat Pa, Mamah nyaah pisan ka Bapa, antosan Mamah sareng barudak di ditu nya. Salawasna, Mamah bakal misono pisan...”
Karasa pisan jeung katémbong pisan kabéh nu ngariung di rumah sakit téh, hayang ngarangkul, hayang ngagorowok, tapi duka kunaon bet teu bisa, taya tangan pangawasa. Tepi ka lawon bodas nutupan sakabéh awak, les wé teu apal deui nanaon.

SI ANGORA

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 19:26:26

Geulis Ratna téh, anak tunggal Juragan Darsan, dipikanyaah kacida. Putri emas meunang hayang. Sapuluh taun rumahtangga, susah boga turunan. Nyaréat ka ditu ka dieu, sagala tarékah dicoba. Ladang tatapa jeung puasa. Borojol Ratna.
Hésé capé ngadeukeutanana. Béak déngkak meunangkeun haténa. Matakna, bagja pisan basa lulus jadi bébénéna.
Hiji, nu pikacuaeun, ucing Angora. Ucing bulu rawun kameumeutna, nu ka mamana teu weléh dibawa. Geuleuh campur timburu. Pareng babarengan, nu ditatangkeup jeung diciuman téh, kalahka si Angora.
Meunang akal, dibaruang. Apél ngahaja mawa bungkusan, kadaharan ucing nang ngaracunan. Ratna bungah, euweuh curiga.
Isukna telepon ngéngkréng. “Parab naon nu dibikeun ka si Angora?” Juragan Darsan hohoak, “si Enéng kalenger tuh! Ucingna karacunan!”
Najan dicarékan laklak dasar, kuring tamada, ménta dihampura. Rék tanggungjawab ngubaran si Angora. Untung nyawana bisa kénéh kasalametkeun, ngan kusabab racun geus nyaksrak, panon ucing jadi buta.
Sabulan ti harita kuring diwalimahan. Dikawinkeun jeung Néng Ratna.
Geulis pamajikan téh, hanjakal lolong.

MANCANAGARA

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 19:25:46

Puguh reueus jadi orang Sunda teh, dimana mana di Jakarta, di Kalimantan, di Bali, di Malaysia, di Arab Saudi geus puguh atuh ari di Bandungmah, mun tempona waktu dahar di Restoran da degung pasti nujadi wirahma pangiringna.
Kamari basa di Kualalumpur jeung di Arab Saudi jol apal maranehna mun kuring orang Sunda, padahal harita make bahasa Indonesia, Inggris, Arab jeung tarzan, da atuh kateguh wae, basa di tanyakeun geuning apal? Pajarkeun logat nyunda nu teu bisa di piceun dina bahasa naon wae oge heuheu... asa ku reueus jadi orang sunda teh...Hurip Sunda ah...!!!

NGAJAK KAWIN

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 19:19:30

Poé Saptu. Jam tujuh peuting. Abah Sukaryo ngapélan Néng Minah. Saurang parawan, kémbang désa Sukamaju. Manéhna saged dangdan ti soré kénéh. Maké kaméja kotak-kotak warna beureum, dicalana lévis warna hideung. Abah Sukaryo téh geus kolot, umurna ogé geus 60 taun, ari dangdanna kitu mah katingali ngora deui.

Manéhna atoh pisan, tuluy ngaléos ninggalkeun anak jeung pamajikanana. Ngomongna rék ngadon silaturohim ka babaturanana. Anjog di imah Néng Minah, kolotna kabeneran keur euweuh. Néng Minah bungah kadatangan abah Sukaryo.
Diuk paduduan di ruang tamu, ngobrol ngalér ngidul, matak éndah? Dunya asa anu duaan. Aya sajamna ngalobrol, tuluy Abah Sukaryo balaka “Néng geulis, kumaha kersa teu, upami dikawin ku Abah?” Asa dibéntar gélap, reuwas! “Kulawarga abdi sadayana ogé nikah ka dulur nyalira, teu aya anu ka deungeun-deungeun. Pun bapa nikah ka pun biang, pun aki nikah ka pun nini. Jadi teu mungkin upami abdi nikah ka Abah.” Ceuk Néng Minah polos.

DOLÉWAK

Kénging Fadar Seler Janesah
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 19:03:43

Bray és-em-és dibuka, “Punten A badé ngaganggu, abdi déwi réréncangan téh érna, badé naroskeun pami nomer hapé téh érna nu ayeuna, sabaraha nya A? Nuhun sateuacanna.” Gura-giru nyampeurkeun pamajikan nu keur popolah di dapur. “Mih! Saha déwi, és-em-és naroskeun nomer Mamih!” ceuk kuring. “Pasihkeun waé nu éx-él, éta réréncangan nuju kuliah,” kitu jawabna. Kuring tuluy ngirimkeun nomerna. “Aya ku saé, bahasana mani lemes,” ceuk kuring. “Puguh Pih, nya sopan, nya lemes, ka mamih mah komo bageur pisan. Samalah..,” teu kebat da bari ngoréhan cikur keur sambeleun. “Kumaha kitu Mih?” nanya panasaran. “Muhun upami aya mah pameget wargi urang, anjeuna milarian picarogéeun.” kitu jawabna. “Kasahakeun atuh nya Mih!” laju kuring nanya. “Eta manawi, karunya pih!” bari ngarérét ka kuring. “Ah, naha atuh mih, pan tos sakitu bageurna ka mamih, kumaha upami ku papih waé?” ceuk kuring, bari tuluy ngaleng manehna. Doléwak...sambel kanu biwir kuring.

NU GEUS LILA PAÉH

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 18:59:51

Lain wawuh sakatiga. Ti sainget, tara pajauh. Ngan, ti saprak boga kawawuhan anyar, manéhna jadi apilain. Hirup asa nogéncang. Taya batur pakumaha.

Jeung batur anyarna, manéhna jadi resep ulin. Ka diskotik. Ka karoké. Mondok moék di hotél. Pokona mah jadi gaul. Ucrag-acreug, gudag-gideug. Leungit kaéra. Maké baju kurang bahan. Matak éra nu ningali.

Manéhna geus tara nyabak sajadah. Geus tara muka quran. Geus tara ngalongok masjid. Geus tara daék babandung kuping. Sakalieun diélingan, ngan oah jeung éah. Matak ayeuna mah, tara wani gurah-geureuh. Diantep sakarepna.

Bati nalangsa. Kuring tara dipaliré. Awak jadi hawuk. Belewuk. Kekebul nakleuk. Buruk jeung bau. Kuring gering. Dibéjaan gering, lain nambaan. Kalah ngabaruang. Ampun...! Kuring teu kuat.

Tuh! Ayeuna gé teuing ngahuapkeun naon deui? Meni loba. Dasar tambarakan! Tapi, Ké! ké! Aya naon nya? Tingali geura! Manéhna dirariung. Teu éling-éling. Bahamna ngabudah. Leuh...! Rék dibawa ka mana? Geuning ka rumah sakit. Dokter gogodeg. Boa manéhna...! Gusti...! Manéhna nyusul kuring.

BAKALAN

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 17:54:43

Buah Piit jajalaneun ka Masigit. Meuhpeuy. Rantuy nu gumaseum meujeuhna petiseun. Paselang nu asak jeung gumading. Taya nu rajeun hanjat ngagantaran. Rapluk maruragan. Kageubigkeun lalay liar. Kaendagkeun angin peuting. Unggal isuk ngabarak dina kamalir. Dipulung nu lalar-liwat. Diségétan. Dikokosan. Belewer! Belewer! Sikina dibalangkeun ka sampalan. Mangpirang mangsa kalarung. Kaibunan! Kahujanan! Digeberan hiliwir angin. Kahaneutan Matapoé. Dibaeukeun taneuh hideung. Nyurungkuy ngakar mubus sesela bumi. Nguniang ngacambah meulah daun. Perentul tingpucunghul di mumunggang. Tingarulang pucuk beureumna. Tingkolényay katebak angin. Jaradi bibit. Jaradi bakalan. Bakalan neruskeun pancén. Pancén pibuah-piiteun deui.

BABANDA

Kénging Yadi Yadiriku
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 16:40:49

Bibilintik ti leuleutik.
Babanda ti bubudak
Jaga jadi jutawan nu Darmawan

SAMAR KAHAYANG

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 15:11:44

Hudang téh geus wayah Asar. Cikopi satengah gelas kénéh,
urut tadi isuk. Geus tiis. Udud nyésa puntungna.
Beuteung ujug-ujug ngerebek. Gado-gado ngelemeng. Nikmat
jigana, komo mun rada lada mah, matak cénghar. Nginumna és
kalapa. Tapi, ah! Sok méncrét mun ngadahar bumbu suuk téh.

Gado-gado ngaleungit. Sangu padang némbongan. Rendang,
sambel héjo, gulé otak, jeung endog balado. Dibanjurna ku és
jeruk, moal teu pedo jigana. Can gé tuntas, ngadadak sop dengkil
ngolébat. Sangu padang nyinglar deui. Seger jigana mun nge-sop,
kajaba sanguna ngebul kénéh, komo kuahna ledok jeung sambel
mah. Didorongna ku és téh manis. Tikoro ngerelek.
Ah kétang, wayah kieu mah moal aya. Paling gé soto, meujeuhna
ogé, komo digalokeun jeung sangu. Duh ! Meni samar kahayang
pisan da barina ogé.

Cengkat, leumpang, luak-lieuk, tuluy nyebrang. Reg eureun.
"Kang, mi rebus sabungkus. Rasa soto nya ! Udud sabatang,"
bari ngasongkeun tilu lambar sarébuan. Da puguh ngan
sakitu-kituna.

NYEBLOK

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 14:49:33

Habek... habek... habek..! Wardi ngababétkeun dapuran paré kana panggebotanana. Paré morolok aya ogé nu mancawura ngaliwatan laburanna nu pinuh ku tambalan. Wardi jeung pamajikanana, Icem, ngagebot ti janari leutik. Majar téh méh tiis tur nyalsé. Wanci pecat sawed si bungsu datang nganteuran mawa gonjing jeung citéh haneut keur ngaléob peujit isuk harita.
Si Bungsu hariweusweus, pokna “Pa..! engké bawonna ulah dijual, nya? Ujang hoyong sangu paré anyar!” Wardi unggeuk bari nyuruput citéh nu dibérékeun ku Icem.
“Tenang wé Sujang..! Pasti disésakeun...” Icem mangjawabkeun. Paralak...! Paralak..! Breg hujan gedé badis dicicikeun ti langit. Wardi tihothat nyalametkeun bawonna. Opieun teu dipaliré. Ci Hujan ngeueum paré bawon. Wardi saanak pamajikan ukur bisa nyempod di handapeun saung réyod. Mangsa raat, awakna mingkin ngalungséan basa Tangkulak Wasda datang bari nyokot bawonna, pokna “Wardi..! Masih kurang euy panawur hutang téh!” Sujang ngarérét neuleu beungeut, “Bah..! Ma..! Ujang moal dahar sangu paré anyar?”

DILEMA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 13:22:55

" Kang punten sanés abdi rido diwayuh. Tapi ieu mah pikeun kasalametan saréréa."
" Har ...na aya naon kitu ,Mah ...bet nyarios kitu ?"
" Sumuhun , abdi mah sok milu manglebarkeun mun Si Nyai , randa Si Jenat adi Akang tulus dicandung ku tatanggana nu tukang ngadu domba téa."
" Har ...na ari Akang kedah kumaha atuh ?"
" Enya tibatan ahirna manehna kababawa ruksak balangsak mending wayuh ku Akang !"
Kuring nepika ayeuna ngan ukur bisa ngahuleng. Ka saha nya ménta bongbolongan. Asa teu kaharti ku omomg-omongan pamajikan.

ASA DIANTEURAN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 12:32:05

Leumpang sakaparan-paran, léngkah gejed, tuur leuleus. Cimata terus murubut. Gok, ka hiji wahangan, manéhna hulang jentul, mikiran salakina. Lol! Buhaya nyampeurkeun. “Ku naon, siga nu sedih kitu?” pokna. “Enya, mikiran salaki nu getol usaha, ngan tara aya waktu jang ulin jeung kulawarga.” Jawab Peucang. “Lakadala” gerentes haté buhaya. “Cig, Bawa heula anak manéh ka dieu! Cuang ulin babarengan. Kabeneran, kuring gé euweuh batur ulin.” Buhaya ngolo. Léos peucang indit. Teu sawatara lila, kurumuy nungtun anakna. “Ngén, ka dieu! Tuh geura mandi améh seger!” Buhaya ngatur siasat bari ciduh ngucur, siga nu ngaruy, ningali anak peucang nu keur meujeuhna kumincir. Anak peucang teu boga wiwaha. Teu tata pasini. Jleng! Luncat ka wahangan, dituturkeun ku buhaya. Kerelep! Les! Burial getih seger nyampuran cai wahangan.

APA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 10:09:53

Ti jam 6 kénéh ngaheruk. Ngahuleng. Hayang bisa nuliskeun kakangen kanu jadi bapa, nu 8 taun katukang geus miheulaan pindah alam.
Nineung ku kaihlasan jeung bélana.
Inget mangsa kuring kelas hiji ésdé. Apa pernah diundang ceramah. Dina pas poéan lumangsungna acara, apa teu damang, panas tiris. "Him...cobi sumpingan Pa Haji Kowi. Susuganan mobilna teu dianggo. Sewa heula. Urang ka pangaosan." apa miwarangan Mang Ohim, kapi raina. "Sanes nuju teu raraos, akang teh?" apa ukur narik napas. Tuluy imut. "Kuat kénéh da nyarita mah. Karunya kanu boga hajat mun dibedokeun téh."

Kuring milu. Singhoréng tempat pangajian jauh ti jalan. Ngaliwatan wahangan gede jeung pasir. Kuring diakod ku Mang Ohim. Apa mah nikreuh bari nganggo iteuk. Kadang lirén bari nyusut késang tiis tina rarayna.

Ayeuna, apa tos teu aya. Bet ngalengis haté téh. Teu laksana, hoyong ngakod apa, ka unggal tempat nu janten tujuan anjeunna.

TATARUCINGAN

Kénging Aji Nurhamzah
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 09:42:25

Taya sukuan bisa leumpang, taya leungeunan bisa nunjuk, cing naon? Asép nanya ka wati.
Wati : Naon atuh nya sép? teu boga suku jeung leungeun, bisa leumpang jeung nunjuk. taluklah sép.
Asép : Jawabana JAM wat.
Wati : Nanjak téréh, mudun lalaunan? Malik nanya ka asép.
Asép : Lého. hahaha
Wati : Ihhh geuning apalan sép?
Asép : Nya apalna mah neuleu lého manéh jiga kitu. sok geura sedot deui, pasti téréh naék kaluhurna. belenyeng Asép langsung indit.

KARÉK NYAHO

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 09:34:55

“Ibu teu damang wales. Sono ka Rani.” Telepun ti Teh Ratna anu kasabaraha kalina. Inget mangsa budak narémbongan deui. Ibu nyandak bonéka keur Teh Ratna jeung Ratih. Kuring ukur ningalikeun, terus nyegruk di lahunan Bi Isah. Neunggeul mah geus teu kaitung. Kuring geus poho ceurik, kalah sok nangtang neuteup seukeut ibu.Teu nyaho naha pédah kuring badeur nu nyababkeun Ibu cua, atanapi Ibu cua nu nyababkeun kuring badeur. Sumanget diajar tambah ngagedur, komo waktu Apa tos pupus mah. Ayeuna kuring geus hasil. Sagala boga.

Ibu ngajapapang. Kuring ngajengjen, asa-asa rék ngadeukeutan téh.
“Bu! Teh Rani tos sumping.” Ratih ngaharewos. Nyah! Ibu beunta. Imut. Kuring bingung kudu kumaha.
“Hiap ka dieu, Geulis!” Ibu ngahiap. Haté kuring ngalenyap. Gabrug kuring ngagabrug bari ngabudalkeun ceurik anu katahan puluhan taun.
“Hampura Ibu geus ngaracaan hirup hidep.” Saurna dareuda, bari nyaritakeun alesannana kunaon anjeunna cua ka kuring.

NAHA SALAH?

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 08:27:00

Ku remen panggih jeung mindeng babarengan, sanajan panggihna ukur saminggu sakali. Teu karasa ahirna haté urang beuki raket beuki deukeut. Tuluy dimana urang papanggih sok dibarengan ku ngobrol ka ditu ka dieu tepi ka sagala diobrolkeun, kaasup ngobrolkeun hal anu kasebutna 'pribadi'.
Teuing iraha mimitina, jeung timana asalna, éta rasa ngancik ka urang, sok sanajan anjeun teu pernah terus terang nyarita, tapi kuring surti yén salila ieu anjeun ngarasakeun sakumaha anu karasa ku kuring.
Lila-lila mah akal séhat némbongan, urang ahirna sadar kana kaayaan. Kiwari sanggeus lila urang paanggang, timbul tanya nu gedé di diri kuring, naha salah lamun kuring mikacinta awéwé séjén salian ti pamajikan? naha salah lamun kuring mikacinta ka anjeun? naha salah...?
Kitu galécokna haté Si Kabayan, sakitu Nyi Iteung aya hareupeun, tapi pikirna tetep kumalayang ka Gadis Kota nu ayeuna keur aya di tempat séjén.

TERIMAKASIH, TERIMAKASIH, HAHAHA…

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 08:15:08

Guyur salelembur éar sajajagat. Aya nu teu nyangka, tapi loba ogé nu percaya. Ramdani, jadi berita!
“Dani, naha kanjat kieu? “ tanya Bapana.
Nu ditanya teu némbal, nyegruk dina lahunan Indungna. Sajongjongan, euweuh nu nyarita.
“Geus tarima, jadikeun pangalaman. Pangalaman Guru nu utama. Bapa, baheula kieu mimitina” ceuk Indungna bari ngusapan sirah Ramdani.
“Pa, limabelas taun...” Ceuk Dani teu kebat ngomongna.
“Teu lila, moal béak ieuh, sing tenang!” témbal Bapana.
Roangan sidang ngariyeg. Putusan dibacakeun, tilu setengah taun penjara. Kabukti, 6,1Triliyun korupsi. Bari kaluar, Bapana nilpun, “Terimakasih, terimakasih, hahaha…”
“Hahaha….sama-sama Pak Mentri!” témbal nu ditilpun.
“ Bisaan kénéh budak ngala duit téh, Pa!” ceuk Indungna ngaharéwos ka salakina. Nu diharéwosan ukur seuri .

UNGGAH JAMAN

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 07:35:48

Péso Jim Bowie nyisit oray gedé. Hariweusweus. Sanggeus ngala kupa, ningali adina euweuh. Kari oray nu héés handapeun dapuran eurih. Nempo beuteungna bareuh, geus teg wé. Goréhél. Enya, si Nyai. Geuwat dibawa kanu kasinaran panon poé. Diberesihan. Digeberan ku hihid.
“Geber..geber..hihid aing kabuyutan..” Euweuh nu ngerejet saeutik ogé. Matak hariwang nu ngajampéan. Dipapatkeun kabéh jampé pamaké ti nini aki. Angger. Antukna manéhna ingeteun kana pangaresep adina.
“Geber..geber..hihid aing Métalica, titinggal ti Ki Bon Jovi..” Kerenyed. Sukuna utek. Sababaraha balénan teu hudang kénéh. Kagok nyobaan, sugan aya hasilna.
“Opa Gangnam style...Opa Gangnam Style..” Koréjat hudang. Ngilu ngibing. Atoheun.
“Sukur ari hidep geus lilir mah. Hayu urang indit.”
Laju napelkeun hédsét kana ceuli, mencétan layar tetel. Nyetél lalaguan ka ayeunakeun.

PASOSORÉ DI GATE 10…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 06:47:02

Duri, Riau. Rasa capé sapopoé di sumur, ngebor. Panas-na nataku pisan poé ieu mah. Sup, ka mess ngareureuhkeun manéh. Ngolébat deui, pameunteu amoy nu neuteup di gate 10. “Mi…” Ngasongkeun leungeun. Mun teu ditepak, jigana kuring mugen jiga patung. “Poed..” Dampal leungeuna ditampanan. Manéhna, turunan Sunda – Vietnam. “Saya, dari bagian HRD..” Ngenalkeun. Laju nerangkeun sagala konsepna ngeunaan safety.

Jumaah Pasosoré. Kuring geus nagog di Halte gate 10. Weekend, waktuna néang hiburan. “Tid.. tid...” Sora klakson ngagareuwahkeun. “Mau ke Rumbai, ayo bareng?” Kuring masih culang cileung. “Yeah, Yu!” Mi, nunjuk kuring. Asa kagunturan madu. “Nuhun gusti…!” Bulan geus ngeumpray lain wayah…*

PALANGSIANG

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 06:07:38

Langit reueuk. Peteng di palabuan. Breg hujan kingkin pohara gédé. Jaladri motah. Karang nu jadi pananggeuhan, paburisat dihantem ku rosana lambak. Jaladri mudal jiga rék ngeueum jagat. Nalika nakoda nulak cangkéng, narik jangkar, mébérkeun layar kapal dagangna. Malah andon pesta ngangkleungan séahna tunggara, geus teu nolih ka Ambuna nu teu weléh ngagentraan. Jalma-jalma tungkeb. Ketir ku tingburinyayna kingkilaban nu disusul tingjelegérna kilat. Jalma-jalma nu nyalindung di palabuan patingkuciwes, “Palangsiang haté anakna si Ambu téh. Batu!”

SATRIA NU TIGIN KANA JANGJINA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 01:29:11

Socana neuteup Déwi Kunti Nalibrata nu ngantunkeun dirina lebah babantar Walungan Gangga, genclang hérang ngeyembeng na kongkolak socana. Aradéa anak kusir Adirata nu asma saenyana Karna paparin ti nu ngayugana, Batara Surya, ngarénghap eungap. Manahna ngadadak guligah, asa dosa ningal nu janten ibuna ngalimba.
“Hapunten nu janten putra, bongan salira téga ngalarung Karna ka walungan Gangga, téga jalaran salira ngajagi kahormatan tina aéb nu teu kinten hinana, sok sanaos salira némbe sumegruk, balilihan salira sanés kanggo Karna namung kanggo Arjuna nu gumelar teu kinten sampurnana. Hapunten putra salira, sanes teu sumujud ka salira, namung nu namina Karna, satria nu tigin kana jangjina, satia ka Astina bari seja béla ka Suyudana nu tos ngangkat harkat darajat Karna tina kasta nu teu kinten hinana….” Gerendeng Dipati Karna, dareuda.

BEDA SORANGAN

Kénging Kenthunk Bahmana
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 01:19:31

Sarerea ngarasa pusing, pabentar paham unggal milu riungan geus jadi kabiasaan, kamandangna beda wae jeung nulian, musingkeun pangesi lembur.
Hiji waktu aya beja manehna palid kabawa ku banjir bandang di walungan cirasea, sok sanajan rudet ku polahna, tapi sapangeusi lembur budal milu neangan walungan di asruk nepi k hilir, tapi tetep teu kapanggih, boa manehnamah beda jeung batur palidna oge.

CURHAT SAKADANG DOMPÉT

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2013 00:30:55

Karasa sangsara nya raga, aya datang bagja hanjakal ngan sakolébat, nitip terus indit, bari teu pamit.
Nu nyésa kari balangsak, lécét diwewejét, didempét beuki lepet, didengkék nya tambah rajét.
Bulan ngora dumadak awak ngeusi, montok dénok taya nu moyok, tapi mun bulan nyirorot kolot, nu aya tinggal tagihan, matuh maturan mangbulan-bulan, pahuleng-huleng silih jeubian.
"Mmmm dunungan, ku téga ari salira." gerentes haté.