Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Fébruari 2013 (33 Naskah)


KULI PANGGUL

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 22:33:23

Morongkol lebah etalase toko ngeukeuweuk impian numawa tibra. Kagareuwahkeun.
"hudang euy". Nuboga toko nyorowok bari nyepretkeun cai tina ember. Kabeh harudang, bari cing laleos mumuluk moro rejeki. Geus ilahar kahirupan di terminal, kitu ayana.
Hiji lalaki, rumanggieung maksakeun lumpat, pedah aya beus mudalkeun panumpangna. Eta lalaki milu parebut jeung kuli panggul nu sejenna, nawarkeun jasa pikeun manggul babawaan. Tapi ujug-ujug nyuuh, ngagolepak teu hudang-hudang deui.

KARINDING

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 22:27:04

Sorana ngalangkang turaes ngadangding tunggara. Lebah umur leuwih salengkah tapi asih mah beuki ngarandakah. "Teuing kudu kumaha?" Unggal ungkara bet leungit nyumput dina samagaha.
Karinding jeung anjeun nyaangan kuring nu kapahung gandrung, tuluy ngagambar kakangeun dina basisir sukma pulas gandola.

MODUS ANYAR

Kénging Arin Sugianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 22:22:17

Malem minggu ayeuna asa jadi arjuna, beda tisasari, neng Ratna gé katangka murilit ningali kuring, biasana mah tara ngareret-reret acan. Teu pira, cukang lantarana mah ukur ganti motor. Tiheula motor supra, ayeuna supra dijual, duitna dipaké pamanyer motor ninja.

Neng Ratna teu dipaliré, rék neangan nu leuwih geulis. Meunang pisan, aya mojang geulis rancunit, awak bahenol siga gitar spayol, ngadadahan sisi jalan.

Sarengsena basa-basi sakeudeung, nu geulis geus nangkod naplok dina tonggong, diajak jalan-jalan. Di jalan nu rada simpé, manehna menta eureun, kapireupeunan cenah. Manehna maké baju nyusut mata nu kapireupeunan, ngan orokaya dadana katempo, jeung teu maké kutang deuih. "Neng, punten éta katingali...!" ceuk kuring bari nunjuk dadana, nu geulis lain éra, kalahka imut. "Mangga kang, bade nyobian." haté surak dikitukeun teh, teu diengkékuen deui, "Ditampi...!" ceuk kuring, laju diracek, digalentoran. Teu nepi ka lima menit tetempoan asa poék, beuki poék, less...! Kuring teu inget dibumi alam.

K A P O È K A N

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 21:35:51

Rumasa diri teu taliti. Teu rintih namplokeun asih. Katalimbeng ku rasa suka, diayun ambing ka trèsna. Teu kuat nahan galura nu ngawirahma sètan, boga rasa mokaha, yèn manèhna moal udar subaya. Da puguh ceuk manèhna, cintana ukur keur kuring.
Tanaga nu rosa karasana ayeuna. Sanggeus na beuteung aya nu kukulisikan. Hanjakal. Hanjakal pisan, ti saprak beuteung ayaan, anjeun pleng les teu bèja teu carita. Ukur cimata nu kedal, ngamalirkeun nalangsa nu taya sudana.
Teu kuat nahan kapeurih. Lah-lahan miang nèang ka imahna. Hayang mènta tanggung jawabna.
Tapi geuning bet sulaya tina harepan. Rèt kana pèso nu ngagolèr dina mèja, teu antaparah deui, pèso dicokot, laju ditubleskeun kana beuteung manehna, getih ngaburial, peujit kaluar. Hampura utun inji, manèh moal pernah panggih jeung nu ngayuga!!!

TEU TULUS

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 21:07:30

Geus dua bulan Listrik bayareun, sakola si Bungsu pikawatireun, komo lamun geus aya PR. Udar-ider jeung indungna nginjeum buku ka Babaturana, sakapeung ceurik lamun babaturana teu mere.
Enya ceuk Pamarentah sakola haratis, tapi leuwih ti mayar nu karasa teh, sgala diduitkeun, LKS can kabeuli da kudu ratus-ratus rebu, Renang, Aut Bond, keterampilan duit wae. Telat Fiket didenda lamun di isukeun pedah euweuh duit jadi dua kali lipeut.
"Pek! Tinggali heula masing telek tuluy peuncit." Ceuk kuncen mikeun hayam basa kuring hayang beunghar.
Hayam ramisak ceurik. Teu luas
"Eueueuh... "

NGARAH CALAKAN

Kénging Acep Deri Cahyadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 20:29:09

Si Ohim budak mantri Juhro, pangawakana bahipung, mun indit ka sakola sok pang tangginasna, kitu gé mun rék balik, sok mandeurikeun karep. Awalna mah teu curiga, sanggeus di talungtik, bener aya nu di sumputkeun. Sangkilang rusiah biasa, tapi matak panasaran. Hiji mangsa di talék ku Kuring. Manéhna ngan ngajawab, "Nginum cai dina gelas urut guru téh, matak pinter, ceuk Aki uing gé!" Kitu pokna. "Bener éta téh Him?" Kuring satengah teu yakin. "Sok wé geura cobaan!" Manéhna nandeskeun daria naker. Ti harita, di sakola guyur, majar emuk paragi guru teu kari, nyaho-nyaho laleungitan. Padahal mah gelas kakara anyar meuli. Kituna téh lain di sakola wungkul, malah gelas paragi Ama Ajengan gé di madrasah, sok laleungitan teu puguh.

MALEM MINGGU

Kénging Sucii Lestary
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 20:16:00

Apa meni ségut geus mandi buruburu milihan kaméja nu pang méncrangna, maké minyak seungit nu nyégak teu kapaliré. " Ah, mengpeung ambu tibra. Apél heula ka nu ngora!" geréntés haté apa. Proot, minyak seungit disemprotkeun kana kaméjana. Karék gé malik, cekrék panto dibuka. Ambu mawa bedog, bari ngajorowok "lengkahan heula mayat aing!" malem minggu pinuh ku haru, geréntés apa.

HAQULYAKIN

Kénging Ki Denkur
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 19:59:24

Ngajelepeng na tegalan. Awakna pinuh ku tatu. Raca tapak ngoétan. Getih cur cor ngabulen raga begung. Tinggal panona nu nyéngcélak. Teuteup harepan. Tulung tulungan. Ambekanana lain nu sasari. Anca naker. Rénghap ranjug. Beurat. Nincak wanci sariak layung. Tinggareblay maung, singa, lodaya, macan tutul jeung ajag. Aya kana lima welasna. Nyalampeurkeun. Patinggalaur. Teuing rék kumaha nyasaak hancengan nu batan sakitu. Moal hanteu pahibutna. Nu ngajelepeng teu walaka. Teu bisa majar kumaha. Pasrah sumerah. Ngan biwir teu reureuh kunyam kunyem nyanyambat nu murbéng alam. Neda pitulung. Yakin bakal dikobulna. Kateuing kumaha carana. Kun fayakun. Sora tinggalaur beuki deukeut. Malah aya nu geus tingsalegrog dina suku jeung bitis. Haqulyakin pitulung Alloh, galindengna. Ambekan beuki eungap. Ciduh garing geus nyelek kana tikoro. Beuki ngangsrod kana elak-elakan. Teu kaampeuh jegroh..batuk meunang tilu kali. Teu sakara-kara, burisat sato-sato gangas nu geus tatahar rek ngerekeb tingbalecir. Mangprét notog-notogkeun manéh. Salamet.

TEU SAPIRA TAPI DARIA

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 18:25:59

“Kakalian, jujumlahan, kukurangan jeung babagian éta ugeran dasar Matématika nu ku urang keur dipedar ayeuna” Tandes Pa Rasman basa tukeur pikiran jeung muridna di kelas XII, SMA Negeri Talaga Tresna, Karawang. “Ati-ati mun hidep ngalarapkeun nu opat ieu dina kahirupan nu saenyana” Budak katingali saregep mencrong Pa Rasman nu keur nyebarkeun teuteup deudeuhna. Laju nuluykeun deui hancana. “Mun hidep salah ngajumlah atawa ngalikeun hiji perkara , bahyana teu pati parna, da dina kaayaan samodél kieu masyarakat babari ngahampurana. Ngan mangkadé teu meunang salah palebah hidep ngurangan sumawona ngabagi, sabab balukarna pohara. Bisa didatangan ka-pé-ka, terus meuting di petengna pangbérokan. Contona nyata pisan pan ayeuna!” Bél istirahat mungkas paguneman.

S-7

Kénging Jonny Taurus
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 17:55:38

“Ari kleup mengbal ilaing naon ngarana, Jang?” Aki nanya ka incuna nu keur ngalaan sapatu di teras. “METRO Ki, gaya jeung berwibawa, jaba rada ngota”. “Naon hartina, Jang?”. “Meunang Eleh Tong Rea Omong” walon incuna. “Jiga nu euweuh deui ngaran kleup teh” ceuk Akina. “Na ari Aki kungsi jadi pamaen di kleup mana?” Tanya incuna. “Kleup S-7, moyan harita mah pikeun urang Ciparay jeung sabudeureuna” ceuk Akina bari nyuruput cikopi. “Ari S-7 teh naon, Ki?”. “Supak Sepak Saban Sonten Supados Salira Sehat” jawab si Aki. “Aya ku aneh ngaran kleup teh Ki, kabayang mun disablon dina tonggong, parat nepi ka bujur, acan masangkeun nomer tonggongna. Jigana kaos pamaen nepi ka tuur” ceuk incuna seuri bari lumpat ka jero imah.

KASARUNG

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 16:25:22

Asa teu percaya, cenah Si Ucu bolos saminggu. Diguliksek, kalah ngeluk. Isukna dituturkeun. Méméh nepi ka sakola, budak méngkol ka palebah dapuran awi. Lol anak maung ngaléndotan. Diusapan, diambung ku Si Ucu. Awakna mudigdig ngagedéan, buntutna kandel ku bulu. Clak, Si Ucu kana tonggongna. Maung ngabelesat, luncat meuntas walungan. Keur uleng nyérangkeun budak, srog téh gigireun, maung gedé ngadon depa. Awak ngeleper, kabur pangacian. Teu sadar geus diuk dina tonggongna. Biur, nyusul Si Ucu. Kasampak budak keur maénpo. Gajleng Si Ucu kana tunggul mahoni, taki-taki bari depa dina jurus ngintip musuh. Gajleng deui ngarungkup awak musuhna. Dipiting, ditewek beuheungna. Musuh ngagaur. Sot dikendoran. Rérés latihan, budak diriung, padangusapan, sung-song nu méré kadaharan. Kaciri laparna téh, hayam leuweung dihékak ngan sakétap. Sor, idangan keur kuring. Kelenci kekerejetan kénéh. Tapak huntu ngaliang dina sirahna. Dipelong bet matak uruy. Diasaan. Geuning kuring deudeuieun.

NU SARÈ TÈOHEUN AWI

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 15:53:23

"KIRIII!"
Mobil eureun. Jrut,turun. Ulak-ilik. Sieun salah eureun. Bubuhan balik tèh geus peuting. Teu salah. Moal kalinglap. Pangkalan ojèg nu aya tulisan,"TUGU PENYELAMATAN PANJI SILIWANGI 100M." Make tanda panah,nunjuk ka tonggoh.
Hawa peuting nyelecep. Ngusapan kulit. "Deuh kapeutingan, geus euweuh ojèg." Ngagerentes. Poho ka omong indung. Nu nyaram balik peuting-peuting. Maksakeun ngalèngkah. Sugan aya ojèg nu ngulampreng.
Tanjakan netek geus kaliwat. Bras ka lebah Makam. Ngarempod. Hatè ngadadak murengked. Daèk samedin lain sieun. Piragè sok èra,bisi amprok jeung nu kitu. Puguh sok horèam patanya. "Alhamdulillah!" Makam teu nèmbongkeun kakeueung. Waktu peuting keur meujeuhna jempling. Wegah. Ningali jalan ukur belegbegna.
Bus,ka warung nu masih kènèh buka. Pesen kopi. "Ngiring ngareureuh!" Pok tèh. Tukang warung siga nu atoh. Aya nu ngabaturan. Teu kuat. Bulu panon asa jempet. Ngagolèr dina bangku.
"Kang! Naha sarè didieu?"
Tukang ojèg ngagudagkeun. Geus isuk. Hudang. Kekepruk. Daun awi narapel dina baju.

SAPI IMPOR

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 15:52:43

“Ampuun... ”, “jekuk...jekukk”, sora ngalenghis éléh ku patingjelebétna peureup kana bengeut jeung awak nu dibarung nafsu, “warah tah warah”, gorowok salah saurang bari tutunjuk tipopolotot. “Dorrrrr” sora bedil meulah langit ngabubarkeun nu keur ragot neunggeulan, Kapolsék di baturan ku Lurah ngabubarkeun warga nu titatadi parebut ngagebugan. Warga ting koléséd, nu digebugan nyangsaya na rungkun kacapiring, geutih ngucur tina irung, bari renghap ranjug.

Réngsé diubaran di puskésmas, tuluy dibawa ka kangtor pulisi, Kapolsek nalék,”kunaon ari manéh sarjang, ngadon rék ngagadabah sapi bobogaan ua sorangan?”. Nu ditanya tungkul, ngaheruk. “Jawab, lain kalah ceurik” Kapolsék muncereng. “Ampun paralun pa, teu pisan-pisan, tadi énjing di kandang sapi si ua teh, rek mraktekkeun hasil mangkukna, pelatihan di dayeuh, améh sapi baranahan ku jalan suntik, jadi sapi si ua bakal gancang ngalobaannana, oge sapi warga nu sanésna, antukna moal répot kedah impor daging sapi ti nagara deungeun”.

“Maksud alus, salah léngkah” haréwos Ki Lurah ka Kapolsék.

HOTIB H. JANIM

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 15:47:07

Ngarasa kesel duméh disangka maling sendal di masigit. Jabrig boga niat rék males ka H Janim. Kabeneran harita H Janim boga tugas jadi hotib. Sok manéhna nyimpen kopéah haji, buku hutbah jeung wadah kaca matana di gigireun bedug. Koloyong manéhna indit ka tempat wudhu. Keteyep Jabrig ngadeukeutan. Gap kana wadah kacamata tuluy kaca mata baca H Janim ditukeuran ku kaca mata hideung paragi manéhna mun keur jadi préman di parapatan. Singget carita cunduk mangsana H Janim jadi hotib. Saréngséna uluk salam H Janim langsung muka buku hutbah bari rap maké kaca mata. Reuwas taya papadana sabab masigit jadi poék mongkléng. Kadéngé sora hadirin pating cakakak. Sadar kana kajadian H Janim muka kacamatana. Bréh teu samar éta teh kacamata si Jabrig. Gajleng luncat tina mimbar bari sosoak "Awas siah Jabrig disunatan éta beuheung teh ku aing !

KAPIUHAN

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 15:36:14

Hujan ngagebrét. Sup, manéhna ka jero réstoran. Lalaki tengah tuwuh, kasampak keur ngadagoan. “Sajuta?” Si Bapa, muka omongan. “Ngojay?” Manéhna, ngadilak. “Dua juta satengah atuh?” Ngomong kituna téh bari nyalukan pagawé réstoran ku isyarah. Teu kungsi lila. Beuleum lauk, sop buntut, dua gelas jus alpuket, jeung sangu saboboko, geus ngabarak dina méja. “Sok, teu kénging isin-isin sareng Bapa mah, bilih hoyong nu sanés, kantun pesen” Ngan sakétap, dahareun nu cikénéh dijajarkeun ku pelayan, ledis teu sakara-kara. “Sabaraha atuh kinten-kintenna?” Bérés dahar. Négo harga, masih kénéh batu turun, keusik naék. Enya, mun teu ngadilak. Manéhna ukur mésem, teu lémék, teu nyarék. “Bapa téh sibuk, seueur kénéh kaperyogian. Pami kersa mah, sok wios sapuluh juta. Tapi, dua jam. Ieu konci kamar hotélna. Antosan wé, ké bada ashar, Bapa nyusul” Pokna, bari nyokot duit dua gepok, tina jero tas. “Punten Pa, abdi petugas KPK?” Ngadéngé kitu, harita kénéh, si Bapa langsung ngudupruk. Kapiuhan.

LALAMPAHAN TANGKAL KABOA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 15:02:38

Meunang job maén bén di Cipatujah taun tujuh puluhan. Poé jumaah ka Cipatujah. Kuwu méré katerangan, maén di Cikaéngan perwatesan Tasik-Garut di wewengkon Mira-Mare. Acarana salametan sasak gawéan tahanan poltik disebutna KOREHAB. Poé saptu tas mumuluk bral miang, alat bén jeung amflina dipanggulan ngulikeun, harita can aya désel, mawa aki kana sapuluhna. Cunduk ka Cikaéngan asar, dipapag tentara jeung tapol, harita babaturan panggih jeung guruna tahanan politik, atuh silih rangkul, saréréa ngilu beueus cimata. Bada isa, prung bén maén, nu lalajo noyék, komo pelebah lagu sorban palid, dipakalangan ramé ngarigel marotah. Wanci janari panitia ngaharéwos, bari culang-cileung.” Yi, bén atos lirén.” Panitia sanduk-sanduk pupuntenan hiburan réngsé. Aya kahemeng anu lalajo sakitu réana teu kaciri mulangna. Saréréa pemain bén, panitia, ngagolér dina ténda, bari teu daék reup, kalahka mencrong kana durukan da siga aya anu ngadarepong siduru. Isukna mulang, derekdek panitia ngadongéng, anu daratang euyah-euyahan kabéh euweuh cukang irungan. Urang sancang milu ngarigel.

LALAMPAHAN TANGKAL KABOA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 14:49:48

Meunang job maén bén di Cipatujah taun tujuh puluhan. Poé jumaah datang ka Cipatujah. Kuwu méré katerangan, maén di Cikaéngan perwatesan Tasik-Garut di wewengkon Mira-Mare. Acarana salametan sasak gawéan tahanan poltik disebutna KOREHAB. Poé saptu tas mumuluk bral miang, alat bén jeung amflina dipanggulan ngulikeun, harita can aya désel, mawa aki kana sapuluhna. Cunduk ka Cikaéngan asar, dipapag tentara jeung tapol, harita babaturan panggih jeung guruna tahanan politik, atuh silih rangkul, saéeréa ngilu beueus cimata. Bada isa, prung bén maén, nu lalajo noyék, komo pelebah lagu sorban palid, dipakalangan ramé ngarigel marotah. Wanci janari panitia ngaharéwos, bari culang-cileung.” Yi, bén atos liren.” Panitia sanduk-sanduk pupuntenan hiburan réngsé. Aya kahemeng anu lalajo sakitu réana teu kaciri mulangna. Saréréa pemain bén, panitia, ngagolér dina ténda, bari teu daék reup, kalahka mencrong kana durukan da siga aya anu ngadarepong siduru. Isukna mulang, derekdek panitia ngadongeng, anu daratang euyah-euyahan kabeh euweuh cukang irungan. Urang sancang milu ngarigel.

7R

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 14:42:37

Ujang, nyai sabenerna mama reujeung abu terus munajat ka Mantenna supaya anjeun duaan jadi jalma bener..
mama reujeung abu teu rido dunya ahèrat lamun aranjeun ngan saukur jadi jalma nu pinter wungkul..
Nu matak mustika nu geus ku aranjeun katarima hèg amalkeun, lantaran kiwari loba jalma nu pinter tapi teu balener..
Lamun aranjeun ngalaksanakeun nu bener geus pasti aranjeun tèh ka asup jalma pinter..
Sakali deui mama ngingetkeun 7 mustika tèa, nyaèta cageuR, bageuR, beneR, pinteR, singeR, jujuR tur akuR..
Tah prak amalkeun supaya aranjeun salamet dunya tur ahèrat...
Kaharti??? Lamun aranjeun teu ngarti kènèh baè atawa tacan bisa ngamalkeunana tong waka hayang jadi jelema lantaran nu kitu mah masih kènèh goblog ( hartina logor atawa can manjing can sawawa ) kudu nyuprih èlmu pangarti deui.bari èta korsi atawa kadudukan bikeun kanu lian.
Tah ayeuna mah lamun aranjeun geus bisa mawa èta 7 mustika kahirupan bral ku mama jeung abu didoakeun sing manjang aranjeun diuk di luhur..........35@@@

JUMAAHAN

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 14:10:50

Lagu jumaahan, teu weléh pangheulana waé anjog di masjid téh. Sabot nungguan waktu jumaahan, ilaharna sok laju ngaderes kitab atawa ngadon dikir. Kituna téh ti keur budak kénéh. Mangtaun-taun. Ka dieunakeun, bet arang ngalakonan deui laku lampah samodél kitu. Mimindengna mah pas adan wé. Sakapeung, anjog di masjid téh nalika komat.
“Ang, naha ayeuna mah sok telat waé jumaahan téh? Pan ti heula mah sok pangheulana anjog di masjid téh, lin? Padahal, gedé pahalana. Lir kurban sapi!” ceuk Hasan, Ketua DKM Al Ikhlas.
“Da ayeuna mah tos arang sapina gé, Mang! Samalah kudu ngimpor sagala. Ari geus ngimpor, tepi ka bulu-buluna gé aya nu nyocéng!”

KAPIRARAY

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 13:43:42

"Kunaon atuh, urang kedah patepang?" silih simbeuh kageugeut dina curugan kadeudeuh, cai kahéman lantis miraga lemah kanyaah. Pami mung saukur kapiraray.
Nincak beurang taya haleuang, manjing peuting sepi hariring. "Bulan téh, nyumputkeun deudeuhna...!" ninggalkeun nu cuang-cieung. Harianeun!
"Angin, cing atuh deukeutkeun, Kuring téh deudeupeun...!" najan raga paanggang, batin mah hayang ngalanglang. Hayang wakca pakumaha.
Hanjakal cireumis asih jiga nu suda ngeclakeun nyaahna, daun harepan ngararas. Leupas, ngalayang ngemban kamelang. "Teungteuingeun...!" jauh tina teuteupan, sumawona catur panyaur. Bet ngantep nu liwung.

CULIK

Kénging Maspri Dkc
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 12:29:13

“Halo, sareng ibu Sumarni?”
“Salah sahiji kulawarga anjeun diculik ku sayah, ngarana Dana Jatilaga.”
“Nya ti manéhna atuh, sayah meunang nomer hape ibu gé…enya, enya…”
“Tah ayeuna manéhna aya jeung sayah…halo…nya tangtu wé diparaban ku sayah gé…”
“Kieu lah tong loba basa-basi ! Ieu kulawarga anjeun, mun hayang salamet kudu ditebus…Nya enya, ku duit atuh ! Nu gedéna…..halo…halo.”
“Kunaon maké dipareuman?...oh….sok bari dicas atuh…ieu kudu ditebus samiliar, dibéré waktu 24 jam ti ayeuna…ngarti ?!”
“Na teu nya’ah ka dulur sorangan manéh téh? Atawa hayang dipaéhan dulur manéh téh, hah?! Kieu wé lah….kumaha mun saratus juta, sanggup?”
“Na ari manéh medit-medit teuing ibu? Tilu juta we mun arék mah, atawa dulur manéh nyaho-nyaho geus jadi bugang…kumaha tah?”
“Addduuuh… na si ibu téh kumed-kumed teuing? Sok lah dua ratus rebu wé…”
“Jadol téh jadi hayang ceurik ari kieu-kieu teuing mah, aing téh…..sapuluh rebu wé, itung-itung ngagantian ongkos angkot urut nganteurkeun manéhna kadinya…..”
“Anjiiiir…ari manéh sahana Dana Jatilaga atuh? Haaah?...baruk lain kulawargana?”
Nu nyulik harendegeun mireungeuh nu diculikna teu riuk-riuk, keur anteng wé cacamuilan ngadahar baso meunang mangmeulikeun si culik, bari balaham-béléhém sura-seuri, pamerongna mawur.

IGD

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 12:04:36

Wanci tengah peuting. Ambulan nyemprung nembus popoék halimun.. Geus teu nolih jalan aspal nu lucir, jurang nu lungkawing. Lumpat mingkin ngabelesur.
Lebah péngkolan lebakeun gunung. "Ckiiit..." Dirém, disakalikeun. Méh tijongjolong. Dieureunkeun. "Wayahna, ka Rumah Sakit!" Rampak jalma nu ngaliud, "tabrak lari!" Hiji waruga nu saliru rupana, ngabebengkang di gigireun jalan aspal. Cipruk baloboran getih. Laju digotong, diasupkeun kana mobil. Dius, ambulan nyemprung neruskeun lalampahan. "Nu deukeut wé, bisi teu katulungan!" dua lalaki nu ngagotong, milu ngajajapkeun. Supir ambulan kalis unggeuk.

Anjog di lawang IGD. Nyangsaya dina belangkar. Dibawa ka rohangan. Diropéa ku dokter jaga. Diréréyang ku pirang_pirang asisten. "Tunggu di luar!" Marentah ka nu nganteurkeun. Dua lalaki ngilicid muru ka luar rohangan. Bréh, astana nu dilingkung ku rembetna kakayon. Meredong. Nyeleksek bau menyan.

GELIK SULING DI MUMUNGGANG

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 12:02:35

Aya nu kungsi cucungah hayang ngarawél béntang. Nepi ka hanteuna. Mangsa pakanci. Widadari saba gunung.Ngumbar panineungan. Pasosoré. Angin rintih ngagilisir, ngusapan nu geulis nu keur ngalangeu di saung ranggon. Panonna beueus.Reup peureum. “Endén! Akang campelak, rumaos lain turubna!” Mamay ngageléhé. Mangsa éndah. Sora éta meni nongtoréng. “Kang, nyuling deui ah!” Gebeg. Nyah beunta. Rét kana tambang nu nyangreud dina tihang. Segruk ceurik, bangun kanyenyerian. Sora titiran ngelak keur tembang tonggoheun pasir, nambahan ketir. Barang keur kitu, hawar-hawar aya sora suling, melas-melis. Mamay ngoréjat, curinghak. “Akang…! Akang kitu, nu nyuling téh?” Mamay rungah-ringeuh. Sora suling les-lesan kabawa angin. Torojol Bi Odah. Olohok nempo Mamay keur ngaguk-guk. “Euleuh! Ku naon Endén!?” Gabrug dirontok. “Bi, si Akang teu wiat saur?” Bi Odah teu némbal. Ukur rambisak. Bréh, waktu anakna keur nyuuh kana dampal suku dununganana, anu keur ngalugas bedog. Wanci geus reup-reupan. Sora suling kadéngé deui.

KASUS 4

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 11:38:16

"Dina danget ieu pisan sim kuring salaku pribadi seja nyuhunkeun di hapunten samudaya kalepatan. Margi rumaos salami ieu téh parantos malih warni janten domba !" Kitu kasauran Sakadang Ajag di payuneun dewan kahormatan PNKKUSI (Partey Nu Karlibet Kana Urusan Sapi Impor) .

NU SONO

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 11:30:13

Ngabelesat ka jomantara. Ninggalkeun buana panca tengah. Geus di luar. Dunya nu keur muter bari ngurilingan panon poé, disurungkeun sakuat tanaga. Puteran dunya jadi gancang. Temahna waktu nu kuduna duapuluh opat jam, jadi ngan ukur sajam. Teu dipaliré terus wé dunya didodorong. Hayang waktu nu dua minggu téh supaya jadi dua jam.
Teu hayang maliré akibatna, muterna waktu nu ngadadak gancang. Diréktur pabrik amuk-amukan sab kakara kamari mayar gajih, poé ieu geus kudu mayar gajih deui, tapi réwuan pagawé pabrik aratoh narima gajih mucekil bari teu kudu gawé. Réa kénéh kajadian-kajadian ahéng nu dilantarankeun kalakuan kuring, muterkeun waktu supaya ngagancangan. Didorong ku rasa hayang geura- geura datang kana mangsa nu didagoan.
Kamari meunang warta ti pamajikan, nu geus dua taun ninggalkeun lembur, nyiar kipayah di nagri sabrang. “Kang, dua minggu deui abdi sumping, jemput di bandara!” Geus teu tahan, bedah ieu bendungan, kacipta gurinyihna.

KAKARÉN PASANTRÉN XXIV

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 10:42:47

Para santri rada sahéng, pating gerendeng sing kecewis basa Musa Uyuh Si Out of the box dina hiji heureuyna nandeskeun yén daging bébék leuwih halal batan daging hayam, sok sanajan duanana dipeuncit jeung diasakan luyu jeung syariat Islam.

Sabada galuntreng sajongjongan, hiji santri ngacung nanyakeun. “ Naon buktina Aka? Mana dalil jeung haditsna?” Musa Uyuh ukur mésem bari ngawalon, “Buktina ayat kauniyah Ayi, pék tempo naon nu dilakukeun ku bébék satutasna sapatemon. Turutaneun urang ta téh!” Nu kerung marésem. Lingsem.

KAOS PARTÉY

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 10:39:46

Saparat-parat jalan, ngajajar rupa-rupa kélébét jeung umbul-umbul. Balé désa didangdanan, cenah mah deuk kadatangan calon angota déwan. Enya wé, teu sawatara lila, kurumuy mobil sédan dikawal ku sababaraha motor pulisi. Pangeusi mobil terus turun, muru korsi nu geus disadiakeun. Waktu calon anggota déwan biantara, anjeuna ngarérét ka belah kénca, na ari pok téh “Pa Lurah! Ari itu sawah saha? Teu ngahargaan pisan, partéy!” Bari nunjuk. Sakabéh jalma ngalieuk ka sawah nu ditunjukeun. Bréh téh bebegig keur gagaléongan katebak angin.

BOGOH KA EMBÉ JANGGOTAN

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 10:36:35

Wanci kasorénakeun. Dihiji kandang, kasampak embé jalu keur bobogohan jeung embé bikang. "Kuring mah ayeuna rék néangan deui kabogoh ach! putus nya kang jeung abdi?" ceuk embé bikang wakca balaka. "Ich naha nyai, bét ngomong kitu? naon salah akang?" embé jalu reuwaseun jeung panasaran. "Pokona putus! bongan akang atuh?" embé bikang ngadon baeud.

"Har! kunaon ari nyai? teu pupuguh jol ngajak putus sagala. Apanan éta dinu beuteung nyai, aya anak urang? piraku rék téga mutuskeun?" pok embé jalu beuki panasaran. "Kuring boga deui kabogoh kang! wayahna putus! piraku rék boga kabogoh sadua-dua? jeung deuih kabogoh kuring anu ayeuna mah, béda pisan jeung akang?" ceuk embé bikang ngajelaskeun. "Ach nya sarua embé atuh nyai! da moal jauh béda. Embé tétép embé! moal siga dunungan urang." embé jalu mimiti mangaruhan.

"Béda kang! kuring mah leuwih bogoh ka embé anu janggotan! teu siga akang euweuh janggotan. Pokona putus!" ceuk embé bikang ngaléos ninggalkeun embé jalu.

BUDAK POLITIK

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 10:28:34

Aya budak nanya ka bapana, naon anu dimaksud politik teh. Bapana ngajawab saperti kieu, “Jang, bapa teh tugasna nyiar nafkah pikeun kulawarga. Kukituna bapa disebut wae KAPITALISME. Indung anjeun anu ngokolahkeun biaya keperluan rumah tangga urang sebut PAMARENTAH. Ayana bapa jeung indung teh pikeun nyubadanan keperluan anjeun anu disebut RAHAYAT. Anapon si bibi anu babantu di urang disebut BURUH. Tah si bungsu anu masih keneh orok urang sebut MANGSA KAHAREUP.”
Budak teh ngagoloyoh ka kamarna bari mawa pikiraneun ti bapana. Tengah peuting kadenge adina ngear, barang diteang kasampak cipruk ku ompol. Rek ngageuingkeun indungna nu ngageubra bari kerek teu wasa. Ngadatangan kamar si bibi dikonci. Panasaran noong tina liang konci, katingali bapana ngeukeupan si bibi. Budak teh balik deui ka kamarna.
Isukna eta budak nyarita ka bapana, “Ayeuna ujang paham hartosna politik.” Bapana ngajawab, “Alus ari kitu mah. Anak bapa tea atuh calakan! Cik caritakeun, kumaha?” Budak ngajawab, “Basa KAPITALISME ngamangpaatkeun BURUH, sedengkeun PAMARENTAH sare tibra, mangka RAHAYAT nalangsa jeung bingung ningali MANGSA KAHAREUP pinuh ku bancang pakewuh!”

Cimahi, 31032012 (Saptu tabuh 09:21)

NYOLONG BADÉ

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 08:13:27

Poé Kemis nyanghareupan Juma'ah Kaliwon, bapa kolotna Surani ninggal. Ngadadak jasa. Wanci sareupna. Padahal sorè tadi karék tas kapilih jadi jaro. Ngadadak hujan, ujug-ujug ngagebrèt. Langit buburinyayan, ditèma guludug pating beledag, pating jelegèr.
Kampung Pamatang jadi geueuman. Padahal, sapangududan samèmèhna, warga sarukan-sukan haren, bakal boga jaro beunghar; Surani bapa.
Kohkol nihtir, ngabèjaan. Tapi nu datang teu rabul, ukur hiji dua. Layon ukur diriung kulawarga jeung badèga-badègana. Jempling. Simpé. Bueuk géh tibra.
Peuting asa kebel. Jarum béker doang horéam muter, kabawa sieun kunu bogana. Karuhan bulan jeung béntang mah, nyumput, diharudum reueuk hideung.
Sawara nu Yasinan hawar-hawar, pajeulit jeung séor angin, nu ngagelebug teu eureun-eureun. Sapeupeuting.
Isukna haliwu, géhgér. Mulasara layon nepi ka ngurebkeun, biasa-biasa baé.

NU BEUKI DAGING ATAH

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 08:00:02

Ayang nénéhan kuring. Singgetan tina Dayang Sumbi. Malem minggu. Dikosan ieu mah bébas. Sok pada api-api teu nyaho. Sendal, sapatu urang asupkeun ka kamar. Pasangkeun tanda dina panto "ULAH DIGANGGU". Pan sabataé. Idek lihér dua atawa tilu poe mah. Ka cai teu kudu kaluar ti kamar. Nyampak. WC sakitu beresih.
Jeung nu lian mah, kuring sieun ka terap panyakit. Batur mah tara hiji boga kabogoh téh. Acan rucah jeung saha waé di Night Club. Anjeun mah séhat jeung beresih. Saban bulan dipariksa dokter. Matak awak anjeun sakitu keker jeung seterek. Tanaga rosa.
Wah, malem minggu ayeuna implengan wanoja geulis jeung sawawa jiga kuring.
Kuring neuteup anteb kana panon anjeun anu leleb tur gumenclang, bari nanya
"Kumaha satuju.?"
Anjeun ngajawab wantér pisan,
"Guuk.. guuk.."
Tandana anjeun sapuk. Ragamang kuring ngusapan laju memener kongkorong anjeun. Tulisan grapirna katara écés. Tumang RI.

HANDAPEUN LINDUH ANGSANA

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 06:29:21

Layung ngempur pulas emas, nyipuh pucuk dangdaunan, angin tingtrim gumalindeng, mapaés dangding turaés. Kukupu manglaksa warna, rabeng ngabring ngurilingan, silih dilak reujeung kembang, ngoconan urang nu gandrung, ngajajap rasa kasmaran. Ti mimiti ukur ramo, pataréma kedal tresna, tug dugi ka kumawantun, silih tangkeup silih ambung. Nya di tempat ieu pisan, handapeun linduh Angsana.
Geuning birahi téh seuneu, teu tutas ukur sakitu, beuki lami beuki wani. Akang keukeuh mundut tumut, seja muka sigotaka. Dipinding ku jangji tigin, rék jucung ka balé nyungcung. Nyubadanan buktos cinta, antukna abdi sumerah, nyébakeun getih katresna. Naha geuning bet nogéncang, basa abdi terus terang, henteu kasumpingan bulan. Akang ngejat ngadon luncat, ngantunkeun bangbaluh binih.
Tilu sasih ti harita, angin nepikeun béwara, akang oléng panganténan, jeung parawan kembang désa. Abdi ukur ngusap lambut, nyambat Utun ku cisoca.
Handapeun linduh Angsana, abdi jeung Utun ngantosan, najan raga tos ngagantung, nyarékclékan bilatungan.

SIKLUS

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2013 01:07:52

Ngahaja. Mobil téh sok digerung-gerung lamun ngaliwat ka imahna. Sok sugema haté téh. Baheula, bapana téh jalma pangjegudna. Bapa kuring, henteu ari pangmalaratna mah, ukur kagolong warga ripuh. Ayeuna, dunya geus tibalik. Kolotna nu baheula sok ngahina kolot kuring, dibales ku kuring nu nincak sirah anakna nu baheula sok nguntup. Nyaksian pisan. Hartana jiga gunung kapur. Nungtutan béak. Haté bet bungah ningali kaayaan kulawargana kiwari. Utamana anakna nu saumur jeung kuring. Nu baheulana budak harak bari salawasna dibélaan ku bapana sarta babaturanana téh ayeuna mah ukur jadi ustad kampung. Ustad nu unggal ceramah ukur dibayar cukup ku nuhun jeung sangu dus. Sok méré duit ka manéhna téh, pupuluhan rébu baé. Lain méré iklas, tapi ngahaja ngahinakeun. Budak kuring gé ngahaja sina diajar nyacampah budakna nu saumuran. Mun geus gedé, rék sina méakeun harta kuring. Keun, sugan baé budak kuring téh engkéna jadi jalma bener. Ngeunteung kana sajarah nu geus aya.