Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Januari 2013 (44 Naskah)


ALMARHUM KANG IWAN

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 23:02:14

Hudang saré. Gap, kana radio. Cetrék, dihurungkeun. Kularut luruh dalam keheningan hatimu. Kunaon bet lagu sedih waé, nu disetél téh? Euweuh deui, lagu séjén, kitu? Kuring, ngagerentes. Radio, dipareuman. Bus, ka sumur. Cai hérang, ngagenclang. Laju sibeungeut. Wudu. Bisa kitu solat shubuh jam tujuh? Luhureun sajadah. Kuring nyegruk. Ménta, sangkan kuring dijodokeun jeung manéhna. Jam dalapan. Juki ngageder. Radio digebér. Opel diketig. Rupa-rupa kembang, hiji-hiji ngaruntuy, jadi motif bordél. Euweuh kacapé. Sakitu dokter geus ngawanti-wanti, omat-omatan, mun bisa kuring eureun heula, ulah digawé beurat. Bisi radang paru-paru kuring kanceuh deui. Tapi da kumaha? Kuring teu boga kaahlian deui. Dina benang nu ranteng, dina jarum nu méncos, dina gemuk nu ngeclak kana kaén. Dina empéw, éngkol, jeung rupa-rupa kembang nu hirup sabudeureun opel. Cinta kuring ka manéhna, teu weléh ngageder.

Tulisan nu cikénéh ku kuring dibaca di tempat gawé, béjana meunang almarhum Kang Iwan, nu kungsi kagégéloan, ku pamajikan.

HINIS

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 22:59:04

Rasa nu éndah ngadadak bet jadi hinis nu nurihan haté nalika sadar yén cinta kuring ka manéhna salawasna kemba. Enya, salawasna... kemba.... Ukur cimata nu jadi saksina. "I love you, Kakangku...." haréwos kuring bari neuteup poto Saiful Jamil nu dibeuli ti tukang poster diémpéran jalan Balong Gede, tadi soré.

EUNTEUNG DIRI

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 22:50:16

Rénghap beuki beurat. Tungkul, nyelek ku piceurikeun. "Naon bédana, Anjeun jeung Kuring?" Teu wasa mun kudu lunta, ninggalkeun rasa wanci bihari. "Haté Anjeun aya didieu, mernah, maneuh jeung Kuring! Naha rék téga, ngagunasika rasa sorangan?" Lalaunan tanggah, teu! Teu pisan-pisan! Berebey, mimiti ngalémbéréh. Mapay rasa kuciwa, murubut, lantis dina lahunan hanjelu. Bréh! Dedegan nu nganaha-naha.

"Jig! Lamun enya Anjeun wani! Tuturkeun, kahayang Anjeun! Tapi. Anjeun ulah hayang nempo deui ka kuring. Anjeun téga!" Haté, ngajerit! Kingkin bawaning ati, miragasukma cidra subaya, nyaluuh dina rumasa, ku teu aya daya.

FIKMIN MANIA

Kénging Edi Supriyadi
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 22:02:44

Di Jalan... Motor kuring nyalip tukang ojég, mépét ka mobil angkot. Supirna ukur bisa kekerot. Lampu mérah ditorobos. Lol mobil ... cekiiittt......mobil ngerém ngadadak . Kuring ukur ngarérét. Geus puguh deui motor laleutik mah ngan saséak euweuh nu wani ngudag.
Jog ka imah... hélm satengah dibeubeutkeun. Sup ka imah sapatu jakét teu ieuh di buka. Tumpa tempo kana méja tulis. Laci dibukaan.Euweuh teu katimu. Pamajikan semu héran. "Milarian naon Akang?". tanya pamajikan.
"Nu tadi isuk isuk dina méja mana?"
"Tuh di kamar payun"
Sup ka Kamar. Aya sakadang Laptop téh. Dihirupkeun. Sup ka browser login facebook klik Fiksimini Basa Sunda. Gelenyu kuring imut... énya geuning aya postingan ti manéhna ditujukeun keur kuring. Di inbox aya pesan ti manéhna. "Kang Iraha urang tiasa tepang?" Kuring molohok neges neges eusi inbox. Reuwas campur atoh... Reuwasna pamajikan geus ngabadega tukangeun kuring. Atohna ah geus bau taneuh ge aya kénéh nu hayangeun panggih ningan.

APÉL

Kénging Kang Bibih Nubaheula
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 21:38:51

Indung suku norobos poekna peuting, bulan nu aleum, ukur katémbong bodas, katutup méga. Batu taringul geus lain catur. Bumi alam mimiti reumbay girimis. Teuditolih. Leumpang beuki digancangan, laku nu diburu iwal kembang kacinta nu teu weléh nembongan. Bulan ngaleungit, peuting nambahan poek, "Bangsat..! Bangsat..!" Tinggorowok tukangen.
"Jebét..!" Popongkol ngababuk puhu ceuli, les teu inget di bumi alam

APÉL

Kénging Kang Bibih Nubaheula
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 21:37:13

Indung suku norobos poekna peuting, bulan nu aleum, ukur katembong bodas, katutup méga. Batu taringul geus lain catur. Bumi alam mimiti reumbay girimis. Teuditolih. Leumpang beuki digancangan, laku nu diburu iwal kembang kacinta nu teu weleh nembongan. Bulan ngaleungit, peuting nambahan poek, "Bangsat..! Bangsat..!" Tinggorowok tukangen.
"Jebét..!" Popongkol ngababuk puhu ceuli, les teu inget di bumi alam

KLONING DIRI (BIO5)

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 20:51:26

“Saha sia téh? Ngingintil waé aing!” Nu diomong teu lémék teu nyarék. “Budeg sugan?” Manéhna digeubig-geubig. “Éta deuih rupa ni nyeplés pisan, sarimbag jeung aing.... Pan aing teu lahir kembar...?” Manéhna tetep ngabetem.

Kuring gé teu ngarti, naha bet jadi rungsing kieu. Aya nu uluk salam. Nu datang duaan karasép, kajeueung mawa laptop jeung flasdisk.
“Yeuh...! ieu flasdisk data anjeun, sok buka ku ieu laptop. Online! Terus jawab pertanyaanana, mun réngsé, enter wé, paham?” nu duaan neuteup.

Flasdisk dibuka, bruh bréh lalakon pribadi taya sénsor, borété sacéréwéléna! Pertarosan bérés dijawab, diilo bisi kaliwat. ENTER!, Janggélék nu gigireun ngajirim jadi kembaran, rengkuh, daréhdéh akuan.
“Haturan, wilujeng leleson, sadayana tos on line, kantun énter baé. Buku-buku sunda pangénggalna ogé sayogi...!”
“Ké..ké...ké... Ki Silah, naha kuring bet dialem samodél kieu?”
“Salira syahid, basa merjuangkeun basa indung nu diamanahkeun ku Manten-Na...”

“Kring...!” Nu duaan ditélpon. Dijawab: “Profesor nu éta tong ditanya, langsung pangpéngkeun baé!”

PASAPON

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 20:49:48

Ba’da magrib rurusuhan muru kantor, aya berkas tinggaleun. Unggeuk ka satpam, rurusuhan muru ka rohangan, rada humar hemir da kudu meuntasan aula lega bari rada meredong, penghématan cenah, jadi lampu parareum. Anjog ka rohangan, panto muka, biasana aya Eman pasapon keur bébérés.

Sup ka rohangan, muru kana méja pangjuruna, tuluy nyokot berkas. Sabot kitu panto ngarekét, aya nu asup.”man, aya saha waé nu ngalembur?” kuring nanya. Eman ngan ukur tungkul, mawa sapu, melong ka kuring sakedap terus kaluar deui. “eman,.. eman” kuring nyalukan bari muru kana panto, tapi jinisna geus kaburu teu kaciri.

Kuring kaluar muru parkiran, keur ngahurungkeun motor, jol aya mio gigireun rék parkir, “nembe uih juragan?” sora nu nanya meni daria. “muhun, éh gening eman, tadi disauran meni teu ngalieuk-lieuk acan”, cekeng téh bari jebi. Eman ngajawab: “harr, pan abdi mah ti bada asyar dipiwarang ku pa kadis mésér oléh-oléh kanggo candakeun énjing ka daérah”.

SI JENGGO

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 20:25:18

Angin ngagelebug. Hareupeun Bar. Jalan lenglang ngebul. Tujuh lengkah ti Manehna. Musuhna ngajega, siap nyabut senjatana. Renghap. Meh bareng. Cetar-cetar. Gubrag musuhna ngabebengkang.Tapi manehna sorangan nu ngagorowok humaregung. Brak. Sora panto di teumbrag. Awakna igeung di guyah-guyah. “Geura hudang Jalu. Geura salat Asar. Jeung Meugeus kaituh balik, ulah kamalinaan pundung teh. Manehmah ukur saminggu teu dibere, yeuh Abah mah kungsi dua bulan teu dibere ku Ambu ilaing, teu nepi pundung!” Abahna mesem. Manehna kuram-kireum memener sarungna. Era parada Si Jenggona hudang di pencrong Abahna.

SI BÉWOK

Kénging Yogi Sugiri
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 20:11:40

(RE-POSTING)

Katelah Si Béwok tukang mulung barang urut ti jarian. Kitu batur salembur ngalandina. Katingali ditalikung,digebug,ditajong bari diciduhan, diabringkeun ka kantor désa .Panonna nahnay neteup teu ngarti, sirah baloboran getih. "Ngaku siiiaah!",ceuk Hansip Komar. "Geus urang podaran!"gorowok Kardi. Balaréa kacida émosi. Ukur Pa Sékdés nu tenang mah."Geus, cukup watir euy! Ayeuna urang baralik, talian Si Béwok kana tihang! Isukan paksa supaya ngaku!", ceuk Pa Sekdés. Warga nurut kaluar ti kantor désa. Isukna salembur ibur, Si Béwok jadi mayit dina tihang. Kaciri beuheungna tapak eurad. Perangkat désa ngahulag kuring lapor Polisi. "Bisi tambah riweuh!",pokna. Ukur ustad Acéng sabaturna nu werat mulasara. Pikeun maranehna Si Béwok tetep manusa nu boga hak didoakeun. Poé, minggu, bulan, katingali beuteung Néng Mimin ngagedéan. Anéhna Néng Mimin teu betus saha nu ngagunasika? Salapan bulan ti maotna Si Béwok, Néng Mimin ngalahirkeun. Balaréa ting haréwos, majar orok mirip Pak Sékdés!

MALEM JUMAAH

Kénging Iwan Ruspendi Sr.
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 19:34:07

"Pah, sok atuh buka."
"Siang keneh, Mah."
"Kaluarkeun atuh."
"Si mamah muni teu sabar. Sok atuh ngajegang, ulah nyangigir kitu, beurat ka papahna." Dius, Ninja anyar teh laju ka lebah pengkolan tukang sate kambing.

GARELUT

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 19:06:07

Salman ngababuk, Shah Rukh ngabales. Shah Rukh najong, Salman ngabales. Antukna sili tonjok. Sili rengkas. Sili dorong nepika tikujubar ka susukan. Beungeut duanana parinuh ku leutak. Kuring seuri ningali nu garelut alatan marebutkeun kuring, pemeran utama film "Meri Merejel Hese Beleke Na Taraje Pamere Mitoha Tere"

GURAT RUPA

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 18:44:27

"Cing atuh kaca eunteung teh tong sok jujur teuing" si Ncus humandeuar.
"Dasar teu nalipak awak, kudu syukuran maneh teh, bae hideung oge nu penting mah asal hideng !" Kaca eunteung nyentak.
Sajongjongan mah si Ncus ngahuleng teu kungsi lila kapiyuhan.

HANA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 17:49:22

Hana, geuning bumi téh aya ku tebih? Luhureun Sekayu-Lahat – atanapi langkung caket ka Pagaralam kitu?
Sanés nanaon. Éta ku sesah ngajugjugna sakalieun sono ka salira. Kedah ngapung heula, heug kedah nuju usum hujan. Da nuju halodo mah langit sok béngras. Bumi Hana ngiring sirna kasaput srangéngé.
Ari pung ngapung, paur nuju kaluhurna. Sieun tibeubeut. Atanapi kapalna ujug-ujug morosot. Alatan malaikat cangkeuleun nanggeuyna.
Sanaos, leres, upami tos dugi ka bumi mah aya ku resep. Bumi nu beureum euceuy, sapertos cabé pelak Ambu. Nyempod dina kapas nu bodas ngaplak, dipageran ku katumbiri, Hana nuju maos buku di panyawéran. Sakapeung katingal nuju ngadaweung dina jandela. Atanapi lalangiran di buruan, ngagupayan nu ngalangkung.
Eta angkeut, Hana? Naha ku matak geugeut? Bet émut ka sawo nu dialaan ku barudak, di palih handap. Arageung, méh saageung peureup sepuh. Ana dibekéhkeun, teras dilamot. Aya kareueut. Sami sapertos damis salira.

HIJI NGARAN

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 17:48:50

Gusruk. Gusruk. Tulisan dipupus. Teu leungit. Kalah ngaléléwéan. Dungdak-déngdék. Tingréngkénék. Ucang anggé dina haté.
Las. Tip-ék diulaskeun. Tulisan ngaléléwaan. Ajrag-ajragan. Lulumpatan. Seuseurian. Minuhan lolongkrang rasa.
Brus. Tulisan di kana caikeun. Dikeueuman. Tulisan beuki anteng. Sisirigan. Ngéprétkeun cai. Malécrétan. Maseuhan sela-sela pikiran.
Gur. Tulisan diduruk. Beuki ngagebur. Teu daék lebur. Beuki betah ngeusian lamunan.
Béak déngkak. Taya cara anu neurak. Keur ngaleungitkeun tulisan.
Bruk. Nyuuh. Segruk. Ceurik. Tulisan kabanjiran ci mata getih.
Tulisan. Ngaraga sukma. Satia marengan. Ka alam kalanggengan.

MUGIA DICABOK NU GELO

Kénging Asep Santo
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 17:41:32

Tadi isuk basa ngariung ditukang koran,aya kajadian luar biasa, nyaeta hiji lalaki ngudupruk sujud syukur dina amparan koran.''Aya naon euy meni sujud syukur?''kuring nanya lantaran panasaran.
"Alhamdulillah mendikbud masih ngasupkeun bahasa sunda dina kurikulum 2013, tah, tingali berita ti republika.''jawab lalaki bari katingali bungah.
''Halah..ulah waka percaya, pajabat mah gampang janji gampang oge jalir.''
katingali rada bendu lalaki nembalan'' sumpahna oge! lamun pajabat satingkat mentri masih resep jalir janji ku uing bakal di do'akeun mugia eta mentri dicabok nu gelo''.
''maksadna kumaha?'' kuring ngaheureuyan.
''enya! lamun M.Nuh salaku Mendikbud jalir janji, uing rek ngadu'a ka gusti nu maha suci sangkan M.Nuh di cabok nu gelo''.cek lalaki eta bari tanggah ka langit.
[ Neda hapunten ka Ki Hasan bilih tulisan kuring kirang ti 150 kecap he..he...]

NGIMPI

Kénging Dedi Herdiana
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 16:54:09

“Punggawa! Bawa kadieu kuda kaula si Turangga éta!” ceuk Maharaja ka salah saurang punggawana. Cong si punggawa anu dititah téh nyembah bari pok nyarita, “Abdi gamparan gusti seja ngéstokeun timbalan gusti.” Tuluy deregdeg baé manéhna téh lumpat ka istal rék mawa kuda bodas tunggangan Sang Raja. Tulut éta kuda ditungtun dibawa kahareupeun Raja. Sanggeus kitu manéhna nyarita, “Mangga ieu abdi gamparan gusti nyanggakeun titiban salira gusti”. Tuluy Sang Maharaja bari tumpak éta kuda, kalayan dikawal ku pirang-pirang punggawana anu laleumpang satukangeunnana, manéhna indit ka hiji istana anu husus sok dipaké reureuh manéhna sanggeus sababaraha poé ngalaksanakeun tugas ngatur nagara.
Saanjogna ka éta istana, Sang Maharaja buru-buru moro kana singgasana anu husus paragi istirahat manéhna. Tuluy manéhna teh ngagéléhé dina éta singgasana bari digeberan maké kipas badag kalayan halon ku pirang-pirang dayang anu aya di kénca katuhueunana. Dayang-dayang anu séjénna meuseulan kana taktak, pundak panangan jeung sampéan. “Dayang!” pokna téh ka salah saurang dayang, “Bawakeun kaula buah anggur seger!”. Buru-buru dayang anu dititah téh teu talangké mangmawakeun keur manéhna buah anggur aramis tur saleger. Tuluy Sang Raja nyokot éta buah tilu siki. Enya buah téh tiis tur aramis jeung pini’mateun lamu didahar. Barang Sang Raja rék ngahuapkeun pisan éta anggur dadak sakala manéhna hudang bari reuwas. Kabeh punggawa katut istana jeung dayang-dayangna leungit sapada harita. Ujug-ujug manéhna téh keur diuk dina jok béca. Anggoan karajaan leungit ganti jadi pakéan dines ngabéca.

ILANG DANGIANG

Kénging Ridwan Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 16:52:25

Panglawungan suwung, padépokan ilang dangiang, patapan taya nu miroséa. Ciduh teu mararetu, ucap teu nyararata. Jangji ngan jadi ukir, saur teu dialukur. Antukna gejlig nuturkeun indung suku sakaparan-paran, lunta geusan ngawisik pusaka nu lawas ilang. Bari gilig leumpang ngagerentes "Mun aya umur kuring bailk deui mun taya béja kari ngaran, Bismillaah.. "

SI BÉWOK

Kénging Yogi Sugiri
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 15:30:17

Katelahna Si Béwok andar-andar purah mulungan barang urut di jarian. Duka saha ngaran aslina? Nu jelas batur sakampung nyebutna Si Béwok ! Hiji mangsa katingali Manéhna ditalikung,digebug, ditajong bari diciduhan, diabring-abring ka kantor désa . Si Béwok, ukur neuteup nahnay semu teu ngarti, sirahna baloboran ku getih. Ngaku moal siii..aah!, Jekuk Hansip Komar najong satakerna. "Geus urang podaran waé sakalian!", gorowok Kardi tokoh pamuda. Balaréa kacida émosi. Pa Sékdés nu katingali tenang mah, bubuhan pajabat. Pok nyarita, "Geus, cukup..cukup watir euy! Ayeuna urang baralik heula, talian waé Si Béwok kana tihang". "Isukan urang paksa deui, supaya manéhna ngaku geus ngagunasika Néng Mimin !". Warga nurut ninggalkeun kantor désa diluluguan ku Pa Sékdés. Lembur kuring isukna ibur , manggihan Si Béwok geus jadi mayit dicangcang na tihang, dina beuheungna kaciri aya tapak eurad. Perangkat désa nyaram waktu kuring ngusulkeun lapor Polisi, "bisi jadi tambah riweuh lah" pokna kompak naker. Ngan ustad Acéng jeung sababaraha jalma nu daék ngurus ngurebkeun Si Béwok. Numutkeun ustad Acéng,"rék kumaha waé hirupna, Si Béwok tetep manusa nu boga hak pikeun didoakeun". komo deui ieu, can tangtu manéhna salah. Poé ganti minggu, minggu ganti bulan, katingali beuteung Néng Mimin ngagedéan. Anéhna Néng Mimin teu pernah betus saha lalaki nu geus ngagunasika manéhna? Salapan bulan ti maotna Si Béwok, Néng Mimin ngalahirkeun orok. Balaréa ting haréwos pabéja-béja, pajar orok téh mirip Pak Sékdés!

BOA......

Kénging Jonny Taurus
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 15:11:34

Ngahuleng, nitenan kaayaan kelas nu jempling, sarengse mancen tugas. Barudak bubar, baralik ka imahna sewang-sewangan, sabada loceng disada nu nandakeun jam pelajaran panungtung geus rengse.
Kabayang keneh, bieu pisan, salila macakeun “Jante Arkidam” salah sahiji puisi Ajip Rosidi dina “Kandjut Kundang”, barudak simpe, ngembang kadu, milu kabawa ku eusi carita. Kapencrong ku juru panon, cahaya mata barudak nu daria, milu ngabayangkeun naon nu keur ku kuring dibacakeun. Teu karasa lekasan, sababaraha kaca dihanca, dibaca tina eta buku.

“Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Nilasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam………”

Beuki simpe rohangan kelas
Beuki motah kuring maca

“Kunaon nareuteup ka kula?
Teruskeun ngibing, peuting nyelerek beak!”

Panon barudak nu dipencrong tarungkul
Na kuring teh Jante Arkidam ?

Ngahuleng, nitenan bangku kosong
„Kandjut Kundang“ masih ngagoler hareupeun, na luhur meja
Boa ieu poe panungtung kuring ngajarkeun Basa Sunda ??

SPEED KING

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 14:55:24

Ngembat nikreuh pileumpangeun, ngabalungbung pulas bodas jeung hideung. Rék milih jalan anu mana? Anu tarahal nyéngkéd tepi ka tonggoh? Atawa leucir di hotmix ka landeuhkeun? Urat beuheung geus ranteng ngahontal titi laras oktafer ka lima, can jucung kalahka tikoséwad Grunge teu puguh artikulasina. Wirahma allegro ngagebugan nitah ngajurung rusuh tunggul dirarung catang dirumpak.” Ulah pindah pileumpangeun euy!” Gorowok metal minuhan haté anu marojéngja.Tingbelesat sinar laser lir kuwung-kuwung, pek milihan, kelir pibagjaeun atawa cilaka.

SPEED KING

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 14:39:13

Ngembat nikreuh pileumpangeun, ngabalungbung pulas bodas jeung hideung Rék milih jalan anu mana? Anu tarahal nyéngkéd tepi ka tonggoh? Atawa leucir di hotmix ka landeuhkeun? Urat beuheung geus ranteng ngahontal titi laras oktafer ka lima, can jucung kalahka tikoséwad Grunge teu puguh artikulasina. Wirahma allegro ngagebugan nitah ngajurung rusuh tunggul dirarung catang dirumpak.”Ulah pindah pileumpangeun euy!” Gorowok metal minuhan haté anu marojéngja.
Tingbelesat laser lir kuwung-kuwung kudu milih, pibagjaeun atawa cilaka.

W E U R E U

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 14:09:00

Saranghae...Saranghae...Duuuh éta lagu ti Nagri ginséng, teu eureun-eureun ngagembrung, meni euweuh kabosen. Komo mun barudak geus nyetél lagu Gangnam style, imah kuat ka asa eundeur.
“ Téh!! Tingal Psy. Iih kerén pisan.”
Ceuk si bungsu ka lanceukna.
“ Ah kerénan Siwon.”
Témbal lanceukna.
Sapopoé nu didéngékeun lagu-lagu Koréa, nu dilalajoan ge sinétron Koréa. Nepi ka ceuli jeung panon asa giung, ngan teu utah wungkul.
Kamana ngilesna lagu lagu Sunda? Naha barudak jiga nu embung wawuh? Di titah maca majalah sunda gé, ngajawabna ukur gideug, bari ngomong teu tiasa ah, teu ngarti cénah.
Duuh kumaha atuh nasib basa jeung budaya sunda?...

KONTRASÉPSI (BIO5)

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 14:07:39

Ka-Bé Kalénder. Didatangan popoéan sabada bulan anyar jeung popoéan méméh bulan pareum. Kuring nonggongan lalangit, manéhna nonggongan kasur. Saling biting, silih déngkék ahirna ngulahék tuluy nyégrék. Aman moal heunceut ucingeun! Pédé pisan.

Isukna, basa dirampa ku Indung beurang, tuluy dicék make U-és-gé,
“Si Ibu positip gandeg, kembar opat…!!! Wilujeng!!” Dokter ngasongkeun leungeun.

Mun méré taya nu bisa mungpang, mun mercaya teu kagok kapalang!

PANEBUS

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 14:04:12

Jurutulis désa asup ka imah, sila hareupeun.
‘Mana lurah lis? Naha datang téh sorangan?” Teu méré budi ka sémah.
”Keur di ubaran. Biwirna soék urut paneunggeul ujang”.
”Masih untung ku aing teu di cacag ogé. Lamun teu ingeut sieun di bui, geus dipodaran tah. Boga pamingpin téh kurang ajar pisan, teu bisa dipaké conto ku rahayat. Kalakuan jiga sato, teu kaop ningali bikang rada hérang. Asa aing uyah kidul, mangpang-mengpeung boga kawasa. Isuk aing rék mawa jelema ka kabupatén. Kudu léngsér manéhna!”
’Ulah Jang...! Lurah geus menta hampura. Moal wani-wani deui ngaheureuyan pamajikan ujang. Ieu katitipan duit lima juta. Geus wé tong papanjangan” Jurutulis masrahkeun amplop kandel. Teu lila tuluy pamit.
Bari nyéréngéh duit di bikeun ka pamajikan, ngicepan manéhna sangkan asup ka kamar.
”Hayu, tapi akang kudu méré duit sapuluh juta,” pokna.
”Naha?”
”Lurah ogé méré limajuta, ngan luhurna wungkul da kaburu digerebeg ku akang”.

MAHIWAL

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 13:53:18

Saged. Warga désa Hurip Waras sariap-siap rék latihan manasik. Maraké baju ihrom. Sarwa bodas. Saruka bungah.Anak-anakna reueus. Boga kolot suksés. Beunghar ladang usaha home industri. Program désa nu baréto dianggap ngimpi. Ayeuna kapetik hasilna. Malah rek arindit ka Mekah bareng.
Sangkan cumpon sarat rukunna, luyu jeung papagon haji mabrur, nya latihan heula.

Di hiji imah, "keur naon manéh téh Sukri? Ngan cungkelik cungkedang wé dideuleukeuna teh?" Pamajikanana keuheul.
"Ari manéh, apan keur latihan solat."
"Nurustunjung! Mahiwal!"
"Héhéhé...!"
"Kasebelan!"

Wanci haneut moyan. Bring warga désa ka tempat latihan."Tah ieu téh bukti. Désa urang ayeuna katelah désa industri. Bapa-bapa, ibu-ibu maju. Sing daria nya! Kadé lali, bulan engké ulah salah pilih." Ceuk lurah dina sambutanana.
Lurah kagét. Nempo pakéan Mang Sukti séjén ti batur.
"Bodas-bodasna mah pakéan ilaing téh Kri. Tapi naha makéna kitu?"
"Apan uingah rék latihan paéh, Ki Lurah.

MAHIWAL

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 13:37:23

Saged. Warga désa Hurip Waras sariap-siap rék latihan manasik. Maraké baju ihrom. Sarwa bodas. Saruka bungah.Anak-anakna reueus. Boga kolot suksés. Beunghar ladang usaha home industri. Program désa nu baréto dianggap ngimpi. Ayeuna rék arindit ka Mekah bareng. Sangkan cumpon sarat rukunna, luyu jeung papagon haji mabrur, nya laitihan heula.

Di hiji imah, "keur naon manéh téh Sukri? Ngan cungkelik cungkedang wé dideuleukeuna teh?" Pamajikanana keuheul.
"Ari manéh, apan keur latihan solat."
"Nurustunjung! Mahiwal!"
"Héhéhé...!"
"Kasebelan!"

Wanci haneut moyan. Bring warga désa ka tempat latihan."Tah ieu téh bukti. Désa urang ayeuna katelah désa industri. Bapa-bapa, ibu-ibu maju. Sing daria nya! Kadé lali, bulan engké ulah salah pilih." Ceuk lurah dina sambutanana.
Lurah kagét. Nempo pakéan Mang Sukti séjén ti batur.
"Bodas-bodasna mah pakéan ilaing téh Kri. Tapi naha makéna kitu?"
"Apan uingah rék latihan paéh, Ki Lurah."

BIL PRIM (MESÉK MATEMATIKA III)

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 13:32:38

“Hoyooooooong…téh gaduh carogé kawas bilangan prima”
“Kunaon kitu Nyi?”
“Bisa dibagi ciples ukur ku hiji angka”
“Ooo…saé… Engkang gé palay Nyai jaten angka enol da”
“Ning kitu Ang… bendu?”
“Henteu… mun Akang bilangan prima tuluy ditambihan Nyai disagédéngeun Engkang, nu angka enol téa, pan tangtos jumlah sareng tingkatanna langkung ngaronjat!, Leres teu bageur?”
“Engkaaaaaaaaaaang…….. So sweeeet pisan! Janten hoyong 69 ih….!?”
“86 roger,….over” . Ngamar. Lampu diganti kunu remeng-remeng. Ngalimed bari ngahégak.

UKUR SILIH SANGKA

Kénging Iwan Kustiawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 13:03:24

Selamat siang pak Iwan, ada yang bisa saya bantu? Bu kasir nanya bari teu weleh imut ngagelenyu. "biasa bu bade transfer". ceuk kuring bari srog ngasongkeun slip setoran jeung gepokan duit dikaretan. "Mangga dietang heula kuabdi artosna". Sabot bu kasir ngitung duit kuring teu weleh neteup kamanehna, "emh ari pagawe bang asa kupararantes, gareulis, karasep, garagah, sareungit, rarapih, saropan, saromeah jeung salaleger kitu deui paromanana teu weleh marahmay. boa hirupna eweuh kasusah kitu?" Gerentes hate kuring bari nereuyan ciduh. Jadi inget ka kekecapan mamang kuring basa nanyakeun perkara kahirupan pagawe bang, kieu poknateh. "Jang boa pagawe bang mah hirupna eweuh kasusahnya? Salilana nyonyo duit, gajih gede, baju alus, awak bersih, dahar ngareunah, imah alus, kandaraan alus, boa teu diudag-udag hutang jiga urang nya jang?" Duka atuh, sarua we mereun tembal kuring harita. Hawar-hawar kadenge adan lohor. Rengse transaksi kencling kuring muru tempat parkir bari teu poho nganuhunkeun. Gerung motor dihirupan, geuleuyeung digas lalaunan muru kajalan raya. Kareret dihiji kios kopi gigireun bang pangumpulan tukang beca Pak Rara, bu Anggi kasir bang BCA keur cacamuilan makan siang bari suka seuri gogonjakan dirariung ku tukang beca. "Emh gening aranjeuna sarua wae jeung urang mang. Gerentes hate kuring. Ukur silih sangka.

EMA DI CULIK

Kénging Femy Firmansyah
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 12:49:01

"Ema.....!!!!"
"Ema.....!!!!"
"Ema.....!!!!"
"Ema kamana? Naha kuring bet ditinggalkeun?"
"Tulung...."
"Tulung...."
"Tulung...."
Torojol aki-aki datang nyampeurkeun.
"Anjeun saha? Jol datang hareupeun kuring."
"Tong loba tatanya, kunaon dia bet ceurik sagala?"
"Kuring neangan Ema. Ti tadi digeroan euweuh wae."
"Waaahhh, gawat euy. Piraku Ema hidep oge tepi ka leungit Jang? Atah adol siah bangsat teh, kacida resepna nyulik indung budak teh. Yeuh Jang, tuh di Gedong Sate ge loba batur-batur Ujang nu sarua keur neangan indungna."
"Nu bener aki? Naha bet lalumpatan ka Gedong Sate?"
"Bejana mah pamarentah puseur nu diluluguan ku menteri atikan nyayakeun acara nyulik indung budak ti sakuliah nusantara, aya nu ti Bali, Jawa, Medan, Batak, Bugis, wahh loba jang, loba pisan. Tah ayeuna teh budak-budakna keur menta dipangnuliskeun surat ka gupernur, sina dikirim ka pamarentah puseur. Tapi aki ngadenge, lamun hayang bebas si indung budak teh kudu ditebus ku pais oncom."
"Naha bet diculikan sagala? Jeung deuih naha kudu ditebus ku pais oncom?"
"Teuing aki ge can apal bener, cenah mah rek peremajaan indung nu geus kolot jeung anu geus loba budakna. Rek diremajakeun ku indung-indung ti luar nagri."
"Bangkawarah, kuring teu ngeunah ki. Enya ge indung kuring geus kolot, tapi angger we indung kuring nu geus ngawangun jati diri kuring teh ki."
"Heueuh jang, aki ge ngarti. Jig atuh geuwat geura teang babarengan jeung batur-batur ujang! Tah ku aki dibere pais oncom jang nebus indung maneh. Jug gera miang kaditu!!!!"

PEDIT

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 11:45:34

Pasosoré barudak arulin diburuan. Keur meujeuhna ramé, kurumuy Si Kudin datang nyampeurkeun. “Din, dahar naon éta, euy? Naha leungeun manéh, bet ditukangkeun? Sieun dipénta, ku déwék nya?’’ Toto nanya, meni nyoroscos.
“ Teu mawa nanaon, dékah!” Témbal Si Kudin, bari angger leungeun dikatukangkeun.
“Geningan, ngomong manéh ngosom!” Ceuk Toto, meni telik.
“Dahar kuwupuk!” Si Kudin némbalan, nyebut kurupuk gé, jadi kuwupuk.
Sabot, jongjon ngomong, teu kanyahoan aya hayam. Cok, dipacok, kurupuk nu masih dina leungeun Si Kudin, anu di sumputkeun téa. Terus dibawa kabur ku hayam. Si Kudin, ceurik.
“Puas, siah! Da bongana, bet pedit!” Ceuk Toto. Barudak nu lainna, hémpak nyurakan Si Kudin.

MALING

Kénging Iwan Ruspendi Sr.
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 10:44:32

"Bawa kadieu budakna. Geuning jiga budak si Parman? Beunang ayeuna mah nu sok malingan buah alpuket kami teh!". Kaprot! Kaprot! Budak teh dicabok. Mun teu dipisah Pa Mardi, Babinsa Batu Payung, geus kumaha meureun nasib biwir si Ahdi teh.
"Ampun, abdi rumaos, tapi..,"
"Montong loba alesan, teang bapana!" tempas Haji Jumli kereng. Teu sawatara lila, jol Mang Aman.
"Gusti, budak kuring kunaon?"
"Matak sing asak ari wawarah budak teh, deuleu tah buah alpuket kami. Paingan asa tereh beak, horeng ku anak silaing tangkal alpuket kami direnjahna teh.
"Kami embung papanjangan, alpuket nu dipaling hayang diganti, ku duit heg, ku tanaga silaing heg, kabeneran silaing boga hanca macul di sawah kami. Mun teu sanggup, kajeun kami pasrahkeun ieu kasus ka pihak berwajib. Kumaha?"
"Engke heula Mang Haji, bener kitu anak kuring nu malingna?"
"Kacerek ku kuring tina tangkalna langsung, Mang Parman." walon Pa Mardi.
"Teungteuingeun sia Ahdi, ngerakeun ka kolot, pilakadar alpuket 3 siki make kudu maling, bapa ge sanggup keneh mangmeulikeun."
"Assalamualaikum, punten Mang Haji, Pa Mardi. Ieu kuring seja masrahkeun papanggihan." Ceuk Mang Kowi, hansip kampung. Durugdug, terus ngabalaris bari tungkul.
"Eta suan kami dikumahakeun, Kowi!"
"Toslah, ambeh jelas, nu malingan alpuket Mang Haji teh aslina pun Beni katut dua baturna ieu. Si Ahdi mah ukur dititah bari diancam lamun teu daek, Mang Parman moal digawekeun deui di sawah Mang Haji."
"Nya atuh ulah maen hakim sendiri, pan nagara urang nagara hukum. Meni barengep kitu."
"Ari, anak kuring aya di nagara mana atuh Mang Haji?" Mang Parman nyeuneu, ampir we beungeut si Beni kacabok lamun teu dihalangan Pa Mardi.
"Kumahakeun ieu Mang Haji, uruskeun kitu ka Pulisi?" Pa Mardi nanya.
"Urusan kami kami eta mah." walon Haji Jumli bari ngelemes. Urusan teu dipapanjang.

NU ROBAH JIRIM

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 10:17:08

Lambak ngusap basisir bangun nu ngonci léngkah kuring. "Galow, Alay?" Ki Lambak nanya. Pageuh, Ki Lambak nyekel dampal suku kuring. "Kedalkeun! Budalkeun sagala rupa nu disidem na haté. Didieu tempatna!" pokna deui. Kuring ukur gideug. "Tong api-api kuat, Alay.... kedalkeun ayeuna kénéh." Clak...clak...clak... cimata mimiti ngamalir. Kuring neuteup sajauhna, ngalimba."Kuring hayang maéhan manéhna, keur kanyeri jeung kapeurih nu geus lila disidem na haté. Eta hungkul!" Lambak motah."Ilaing geus robah. Geus euweuh kaikhlasan, ngagugulung amarah jeung dendam. Sadar, Alay!" Ki Lambak ngingetan. "Leupaskeun kuring!" Dur! awak hurung ngabebela. Aya nu nyeak tina dampal suku kana embun-embunan. Ahéng! Tina sirah kaluar tanduk beureum. Kokoleaban, seuneu ngagegedur saawak-awak. Kuring ngabelesat diasuh Ki Angin, maéhan kalangkang manéhna méméh moro ragana.

NU ROBAH JIRIM

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 10:11:18

Lambak ngusap basisir bangun nu ngonci léngkah kuring. "Galow, Alay?" Ki Lambak nanya. Pageuh, Ki Lambak nyekel dampal suku kuring. "Kedalkeun! Budalkeun sagala rupa nu disidem na haté. Didieu tempatna!" pokna deui. Kuring ukur gideug. "Tong api-api kuat, Alay.... kedalkeun ayeuna kénéh." Clak...clak...clak... cimata mimiti ngamalir. Kuring neuteup sajauhna, ngalimba."Kuring hayang maéhan manéhna, keur kanyeri jeung kapeurih nu geus lila disidem na haté. Eta hungkul!" Lambak motah."Ilaing geus robah. Geus euweuh kaikhlasan, ngagugulung amarah jeung dendam. Sadar, Alay!" Ki Lambak ngingetan. "Leupaskeun kuring!" Dur! awak hurung ngabebela. Aya nu nyeak tina dampal suku kana embun-embunan. Ahéng! Tina sirah kaluar tanduk beureum. Kokoleaban, seuneu ngagegedur saawak-awak. Kuring ngabelesat diasuh Ki Angin, maéhan kalangkang manéhna méméh moro ragana.

TUMETEP

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 10:09:33

Kuring ngajanteng kénéh di tungtung dayeuh. Nganti lalay-lalay marulih, merenah pakandangan. Panto beurang meundeut lalaunan, méh bareng jeung ngerelesna srilayung. Gémbolan fana diécagkeun. Tuturubun muru pancuran. Tirtakamandalu ngaliskeun rereged, laju sumarambah nalaga wening. Tumétes ‘na sari-sari. Liuh linduh ningtrimkeun bayah, bareng jeung gupay muadzin. Gusti, anging Anjeun nu Mahatetep. Sim abdi mungguh netepan saniskara nu henggeus tumetep. Allahu Akbar!

SALAH UCAP

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 09:46:04

Torojol, Sanip datang. Blug! Diuk satengah ngabeubeutkeun manéh. Beungeut kusut, biwir manyun. Bari teu weléh 'cruk-crek' poho uluksalam ogé. "É..éh! Ari ilaing, kunanahaon ieu téh?" Ki Omén, nanya semu héran.

"Kieu geuning Ki! Ari kawin ka batur salembur téh, ripuh! Sagala nyaho." Walon Sanip, dareuda. "Huahahahaha! Uhuk! Uhuk! Oéééékk!" Ki Omén, kagugu. "Tuh nya! Naon maksudna, ieu téh?" Sanip, mendelik. "Atuh nya heueuh, dasar eusleum! Cacakan, kawin ka saurang ogé, ripuh! Komo ka batur salembur! Hahahaha!" Walon Ki Omén, bari ngehkey.

BANGBUNG HIDEUNG

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 07:55:56

Ngagelar pirigan gamelan, kacapi suling, ditema kusora kendang. Nulalajo kasirep, jep simpe. Sinden ngawih kububuka bangbung hideung, kontan ngalenyap. Prung, runtuyan kalimat eta kawih jeung rampakna sora tatabeuhan, selang sekar nyihir tur mawa dangiang keueung handaruan. Teu lila, gajleng dua urang nu lalajo tandang, ngigel ku engklak moyeg. Sima kawih nyurup, kabeh leungit pangacian. Aheng pohara jeung gede pangaruhna eta kawih, bangbung hideung terus mangprung, nu lalajo oleng.

NGIMPLENG

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 07:50:55

Sukuna geus teu kuat napak. Rumanggieung. Sirahna dibengker, majar puyeng. Dicabak leungeunna, panas. Dug deui bari ngimpleng. Pangajak barudak teu ditolih. Horéam dirawat di RSUD téh. Baringsang. Asa di pasar. Di Harapan Séhat? Kabéh nu besuk pasti ngirim brownis. Bubuhan nu dagangna nampeu di gerbang pisan. Padahal teu beuki ka nu amis téh. Médical Céntre? Lah, susterna karolot pisan. Duka tah mun di Maryani Médical Céntre. Rada leuheung. Tempatna beresih, susterna maranis, dokterna gareulis. Ngan katempona téh sok rada jéjérégéd ari ka aki-aki mah. Pusing, ah!
"Hayu atuh, Engki, palay diopnameu di mana?"
Lila ngaheneng. Reup wé. Nu kagambar bet Nyi Onah. Geulis, berséka, jeung sok sabar ngawulaan nu gering téh. Jaba pinter mencétan. Kapaké dina nyasar nu kudu dipijetna. Sirah balideg gé sok ngadadak cenghar. Anak incuna ngarariung. Malencrong bari lewang nempo nu teu kecét-kecét. Bray akina beunta.
"Di imah wé. Ku Nyi Onah."

BALADA SAÉMBARA

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 07:25:32

Geus jebul deui waé, Suanah nepungan Bah Uhid, nu keur ngopi di balé-balé.

"Aya naon Anah? Urusan mikmin deui waé?"
"Sanés. Anah hoyong ngiringan Saémbara Asah Komén. Hoyong tiasa ngoméntaran fikmin."

"Na atuh hayang bisa ngomén, kalah ka kami? Tuh tanya wartawan, panyiar TV!" walon Bah Uhid bari ngaregot cikopi.
"Éta kapan Abah sok ngoméntaran pajabat sareng pulitikus dina warta TV."

"Ari Anah boga pikir?"
"Nya gaduh atuh."
"Boga rasa?"
"Kantenan, ih mani hoyong isin."
"Éta geuning aya parabotna. Prak geura gunakeun!"

"Kieu cenah, Nah: Mun urang maca sok terus rasa. Ngelemeng dina pikiran. Ngalangkang dina sawangan. Ngageterkeun rarasaan. Sok noélan pangalaman ka tukang. Ngingetan papanggihan dina kahirupan. Jorojoy rasa waas, kagagas, sedih, gumbira, kahibur, kasigeung, tugenah, asa dipapatahan, asa diélingan, asa dicarékan, jeung sajabana. Gumulungna nu ngelemeng dina pikiran jeung nu nyaliara dina rasa awor jeung suasana nu dicipta dina bacaan. Tah kari ungkabkeun wé éta! Éksprésikeun! Tuliskeun! Koménkeun!"

BALADA SAÉMBARA

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 07:18:29

Geus jebul deui waé, Suanah nepungan Bah Uhid, nu keur ngopi di balé-balé.

"Aya naon Anah? Urusan mikmin deui waé?"
"Sanés. Anah hoyong ngiringan Saémbara Asah Komén. Hoyong tiasa ngoméntaran fikmin."

"Na atuh hayang bisa ngomén, kalah ka kami? Tuh tanya wartawan, panyiar TV!" walon Bah Uhid bari ngaregot cikopi.
"Éta kapan Abah sok ngoméntaran pajabat sareng pulitikus dina warta TV."

"Ari Anah boga pikir?"
"Nya gaduh atuh."
"Boga rasa?"
"Kantenan, ih mani hoyong isin."
"Éta geuning aya parabotna. Prak geura gunakeun!"

"Kieu cenah, Nah: Mun urang maca sok terus rasa. Ngelemeng dina pikiran. Ngalangkang dina sawangan. Ngageterkeun rarasaan. Sok noélan pangalaman ka tukang. Ngingetan papanggihan dina kahirupan. Jorojoy rasa waas, kagagas, sedih, gumbira, kahibur, kasigeung, tugenah, asa dipapatahan, asa dielingan, asa dicarékan, jeung sajabana. Gumulungna nu ngelemeng dina pikiran jeung nu nyaliara dina rasa awor jeung suasana nu dicipta dina bacaan. Tah kari ungkabkeun wé éta! Éksprésikeun! Tuliskeun! Koménkeun!"

WALERAN WIDADARI…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 05:53:42

Rérés netepan magrib. Widadari, nyanghareupan dua budakna, nu deuk sorogan ngaji Juz Amma. Ihsan jeung Sarah. Torolong, Ihsan ngaos lima las ayat. Dibandungan. “Saé, A! Tos leres tajwidna ayeuna mah” Dibarung ku imut. “Sarah mah, hoyong disarengan ku Mbu!” Ogo. “Enya, sok atuh” Dua sora nu halimpu mapaés peuting. Rérés ngaos. “Mbu, ari Alloh dimana?” Ihsan neuteup ngarep waleran. Widadari imut. “Aya sakeclak didieu, Anaking! Dina Kanyaah, Mbu!” Laju nangkeup dua budak kameumeutna. Raket, Pageuh…*1.

LEBAY

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 02:03:35

aya-aya wae, paon poe, bulan, jeung bentang mah teu kudu diatur, da aya Gusti Allah ieuh atuh...

NGUSAPAN

Kénging Soendara Djatiseba
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 01:18:09

.
Teu rugi ku mayarna.
Sugema ku gamulengna. Teu rubak teu heureut.
Tapi cadu ditumpakan.

Cukup ku ngusapan. Ti luhur ka handap.
Tapi merenah pisan mah ti handap ka luhur.

Ceuk béja mah taun ieu rék aya kaluaran panganyarna.
Sugan aya milikna. Si dénok kudu kausapan ogé.

WALAPATRA SUNGKAWA

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 03 Januari 2013 00:03:07

Dina tungtung lamunan anjeun masih kasawang, kewes pantes gagah sembada. Dipasieup ku bedil nu ngukuhkeun kana sadaya wawanen. Anjeun sinatria kuring. Gugupay. Najan kasawang aya rindat kamelang tapi anjeun cadu ngusapkeun cimata kana rasa jeung waruga. Kuring ukur bisa mencrong ti kaanggangan. Kamelang kahariwang pagalo na tungtung lamunan. Ati jumerit ka Gusti Nu Maha suci munajat Ka Nu Murbeng Alam. Mugia sinatria kuring nu lunta diraksa dina enggoning mancen tugasna.
Teu acan cacap mangsa mapandekeun kamelang. Hiji walapatra meunggaskeun dahan harepan, anjeun reuntas yuswa katigas ku azal jangji pasini minagka mahluk ka Gustina, gumulung ngajadi taqdir. Lambak tsunami nganteurkeun salira patepung sareng Nu Maha Agung. Bibilasan ninggalkeun kuring nu ngungun. Ermawar nu ngarandakah di patamanan ngagiler ngusapan lir kaheman anjeun mangsa harita.