Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Januari 2013 (44 Naskah)


NGECLAK

Kénging Badai Nirwana Kutub
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 22:01:07

Kacinta nu ngagedur ka Ijar dina ati Nanang, teu jadi jaminan pikeun Ijar sangkan teu luas-leos ningalkeun imah nu jeung pangeusina. Lian ti parabotan nu minuhan imah, dijerona aya budak nu usiana 5 tahun. Sakapeung eta budak sok katempo caludih, ngagambarkeun teu kaurus kunu jadi kolotna.
Isuk rebun panto imah geus aya nu ngetrok, kabeneran Ijar keur euweuh di imah. Dijero ngan aya Nanang, salakina Ijar nu kabeneran keur nguyup kopi hideung ngan teu lestereng kawas kulitna. Maklum hideng lestereng oge, da Nanang mah pakasabanna kuli bangunan.
Ngadenge panto diketrok, Nanang cengkat muka panto. Nangtung saurang awewe hareupeun pantona bari ceurik ngabangingik, nya teu aneh budak nu diaisna ge milu ceurik.
Nanang ngarasa aneh, nu akhirna manehna nanya ka awewe nu nangtung hareupeun panto Nanang. "Punten, ari ieu saha?". Pokna ceuk eta awewe, "Kuring, pamajikan nu salakina dibawa ku pamajikan maneh".
Bari noroktok tuur, Nanang teu bisa nahan deui kasedihna, nu antukna ngeclakkeun cimata bukti kanyeri karandapan ku manehna.

MALAWEUNG

Kénging Agus Bagja
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 21:59:32

Gap kana sapatu, rap dipaké nu sabeulah ditincak pelebah keuneungna. “Pa!, éta kaos kaki sapalih deui teu dianggo?. Pamajikan nanya. Bérés dikaos kaki disapatu, gap kana hélm, ngagidig kaluar bari mawa konci motor. “Pa!, pan motorna ogé teuacan dikaluarkeun”. Laju ka dapur, motor didorong. Gerung dihirupan. Nepi ka tujuan, awak ngoprot ku késang. Gusti...! ari motor tinggaleun di imah.

THI KI I BÉNG

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 21:55:26

Thian Sin salto ka tukang, clé sukuna nincak taneuh, laju masang kuda-kuda dina Jurus Coa-sin Kun (Silat Oray Sakti). Hék-i Mo Ong melengek, panonna mencrong kuda-kuda musuhna nu katingalina weweg. Irungna ngangseu bau hangru, racun oray sakti, gancang manéhna masang Jurus Rawu Kélong warisan Bah Murtala.
Kalayang awak Hék-i Mo Ong narajang Céng Thian Sin dina gerakan nu ampir teu katingali ku panon biasa. Indung leungeunna manjangan nojo kana tikoro.
"Ih, élmu sétan!" gorowok Thian Sin bari ngagiwarkeun awakna dina gerakan Tampélé Mépéd.
Bret.. baju Thian Sin soék palebah dada. "Éng-hiong, gunakeun Jurus Thi Ki-i Béng!" kadéngé sora Wiro Sableng Si Pendékar 212. Nu dibéjaan surti, awakna ngarandeg bari ngawatek aji pamungkasna. Goak Hék-i Mo Ong ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat waktu peureupna antel kana tonggong Thian Sin.

TIRIS

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 21:40:40

"Keur mah simbut hirup can boga, simbut baeud oge ngadadak poho can katebus masih di pagadean, gara-gara kamari dipake modal taun baruan jang meuli mercon anu buricak burinong tea" ceuk si Ncus nalangsa.

VONIS

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 21:27:30

Basa dokter monis teu meunang udud saumur hirup, kuring naêk banding.

NGARAN

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 21:13:58

Beletrak! Babatok sirah ditakol. Rengat. Dibekéhkeun tepi ka ngewag, tembong polona. Dikaluarkeun lalaunan, unggal giblegan ditempoan, gemet nepi ka urat leutikna. Nu téangan teu kapanggih. Jeroan otak diasupkeun deui. Gap kana péso. Kedewek meulah dada, goréhél jantung dikaluarkeun, embutembutan kénéh. Gérésél dibeulah dua.“Euh, paingan di dieu,” gerentesna. Péso seukeut nyisit tengahan jantung. Ngukey nyodétan uraturatna. Najan hésé, ku leukeun mah teu burung réngsé. “Nyatana kuring bisa miceun ngaran anjeun, Ratna.” Ceuk manéhna, laju mangpéngkeun sesebétan nu geus nguratngakar na jatungna.

JUAL MOTOR

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 20:53:36

Négo. Motor éks ublag, mulus, mirah, langki dianggé, raoseun ditumpakan.

HAPPY NEW YEAR

Kénging Asep Rachmat
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 20:27:57

Geus teu kuat, geus teu sabar Utun hayang nyaksian raména dunya, caangna jagat. Sanajan aya nu ngaharéwos yén bulan can cunduk mangsa, gumelar tacan takdirna, tapi ieu pikir geus miheulaan kumelendang.

Ema, poék mongkléng butarata. Euweuh damar euweuh listrik. Néangan saklar lampu teu kapanggih, kayu api lebeng teu katimu. Nya beulah mana?
Euleuh! di luar geuning ramé. Pating jelegur. Pating torotot. Aya naon Ma? Geuning jelema ramé cocorowokan siga nu bungah.
Éh, aya nu ngabéjaan ngaharéwos deui yén éta téh sora petasan jeung tarompét. Jelema balawiri keur suka bungah mapag taun anyar. Oh! taun anyar Ma? Atuh Utun beuki hayang geuwat kaluar. Ma...Geuwat gubragkeun utun ka alam dunya. Meungpeung taun anyar keur dipapag. Meungpeung waktu can nincak jam dua welas!
Tapi nu ngaharéwos laju ngahulag. Ulah! teu bisa! can cunduk waktu!
Atuh lamun can bisa mah Utun ménta dikirim petasan saranggeuy. Lampu disko nu warna-warni. Utun hayang milu ngareuah-reuah di dieu.
Tuluy nu ngaharéwos méré béja yén lampu disko mah moal bisa dikirim, tapi lamun petasan mah dagoan! sakeudeung deui aya pakét nu datang.
Teu pati lila, nyata waé. Bray! panto méléngé. Solongkrong nu ngirim petasan gedé pisan. Tapi hanjakal ngan sahiji. Teu raranggeuyan.

EMAIL KEUR ANJEUN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 20:11:59

Bip! Laptop dibuka. Sajongjongan. Nyangheuy ‘na anggel. Ngumbar implengan, néangan kecap bubuka. Geusan ngetrokan panto haté anjeun, nu meundeut dipalang rasa kuciwa. Ungkara tingarulang ngalap haté.Tingsuruwuk lumpat paheula-heula. Clé, dariuk luhureun kibod. Gumeulis palui-luis. Tiriktik, ramo ngahiap, nganteur rasa jeung pikiran.

Yank.., salami laptop nyawaan, salami modem pulsaan. Reg eureun. Lain. Lain kieu. Lebay teuing. Diblok laju didélét. Ngahuleng deui. Halaaah..mending tong dipikir, cukup tuturkeun rasa.

Jungjunan.., kuhayang geura murak beurang. Caangna rék ditandéan. Sawaréh haturan anjeun. Ngan ukur anjeun. Gaganti bulan nu pundung, nyanggakeun béntang pitaan. Bros panitih papaés ‘na ati Enung.
Send.

GALURA

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 19:50:17

Palataran peuting beuki mongkleng, sora hujan jeung angin asa beuki rongkah. Kuring ukur ngagojod dina ranjang bari diharudum simbut. Kahayang mah peureum pikeun ngusir bangbaluh, batan rep kalah ka bruh-breh panineungan bihari beuki ngajirim.
"Kasatiaan!!!". Nya wayahna anjeun kudu sugema neundeun eta dina renghap jeung niat.
Maranehna ngaromong kitu teh lain ceuceub, malah leuwih gede kanyaahna ka kuring. Waruga hungkul nu hirup, kuring geus leungiteun jiwa nu teuing ngancik di mana.

BAPA KETUA

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 19:27:06

Lain saurang nu ngomong teh, yen kuring beunang diandelkeun lebah cerewedna. Siga basa harita. Norolang ngoncrang. Nu ngabagel teh sina ngaburula. Bebeakan mepehek bapa ketua anu dengdek topi. Lebah mere waragad keur ngawangun sakola. Sakola kuring ukur kabagian peperetna. Sanajan jumlah murid geus nyukupan pikeun narima dana nu samistina.
Nu dipangloh, rarayna katawis atah beuleumeun. Sabodo.

Pareng riungan bubaran. Bapa Ketua ngagupayan,teras ngajak ka ruang damelna.
Lajuna obrolan teh robih janten gahar kacida alah batan es mambo rasa ganas ngora, naeun boa heu. dilajeng ku silih tukeur nomer hape.
Heuleut sasasih ti harita. Geus ngajengleng wangunan anyar sarwa weuteuh, balukar nu cerewed ngalobi ka si anjeunna.

Nu teu harti. Ayeuna mah ti isuk meletuk nepika sonten baruruten. Sanes deui ngobrolkeun perkawis kucuran dana.

NASIB

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 19:24:49

Hiji Barang lamun teu kapake. Paling nasibna di simpen di gudang. Leuheung lamun geten ngariksana. Tapi lamun cul jeun, atuh lapur moal kapuluk. Geus untung ngarana aya dina panineungan ge.

IRITABILITAS (BIO4)

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 18:07:17

Salah sahiji ciri makhluk hidup éta rancingeus ngabales rangsang. Giak anti lemod komo léléd sabab balukarna pibahyaeun.

Tapi ulah kejot borosot kos anyut lénang molénang, teu kaop katoél saeutik langsung hudang, hartina babari kasinggung atawa nganénéh bonténg!

Mun bisa kudu jiga pinareup dipikabutuh ku budak jeung kolot, hartina hirup jeung hurip kudu loba mangfaatna keur batur, ulah rendah diri, éraan, najan rupana kos céda tetep baé dilamotan.

JOKO TARUB

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 17:52:40

Sééng beuki nyéngsréng. Ma Idah jongjon ngasur-ngasur suluh, sedengkeun salakina, bah Uko cingogo bari ngaranggahkeun dua leungeuna hareupeun hawu.

"Pangnungguankeun heula seuneu. Kami rék ka cai heula sakeudeung!" ceuk ma Idah bari cengkat. bah Uko teu ngomong, ukur ngésér cingogona ka tengah, ngalahanan urut diuk ma Idah. "omat ulah waka dijait méméh kami balik mah!" ceuk ma Idah deui bari ngaleos turun.

Nungguan nu ka cai lila waé, bah Uko ahirna ceungkat tuluy ngaragamang kana tutup aseupan nu aya dina sééng. "Jadol! gening teu nyangu, si nurustunyung teh?" bah Uko kukulutus lantaran dina aseupan téh ngan ukur aya réméh sésa.

Bah Uko turun ti imah nyusul ka walungan nu harita caina keur meujeuhna gedé. kasampak téh euweuh sasaha. jigana mah ma Idah geus ngapung ka kahyangan?

R E K L A M E

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 17:25:47

Sapaparat jalan nu kaliwatan, loba baliho ngajareblag pagedé-gedé. Gambarna paalus-alus nepi ka jiga harirup. Panon ting kariceup, biwir ting séréngéh, seuri jeung imut nu kareueut. Roman pameunteuna someah, marahmay pikawanoheun. Disidik-sidik badis patandang saémbara Miss Universe nu keur mélét yuri. Di papaés ku tulisan program-program nu pikabitaeun, matak uruy. Pinuh ku jangji-jangji amis keur karaharjaan rahayat.
Hate galécok, mikiran jelema jaman kiwari, loba nu pinter tapi kabalingeur. Naha maranéhna, nu midang dina éta baliho, teu apaleun kitu? Pan jangji téh sarua jeung hutang.

SOLITUDE

Kénging Yogi Sugiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 17:02:49

"Naha Akang masih miharep abdi masih aya di dieu?" pokna bari imut ngagelenyu. Kuring ngabales deui imut ka manehna. "Sajujurna, Akang oge teu terang, naha Akang masih aya?", te'mbal kuring.
Karasa simpe', aya nu nye're'se't nyeuit perih kana jero hate', komo basa neuteup mata nu liuh linduh lir anteng ngajak ngumbar katineung. Mane'hna brek deku bari nyarita,"Neda ikhlas sareng hapunten abdi nya Kang!". Renjag kuring ngarenjag bari nite'nan sakulilingna, Nyel ambek. "Sidik ieu mah ngimpi!tapi naha kudu nu ieu?" Kunaon kuring teu bisa marengan mane'hna. Hirup jeung ngarenghap ku cara nu ku kuring teu kapikiran same'me'hna.

MOTOR NU PANGMOTORNA

Kénging Dadi Arya
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 16:41:32

Saban ngaliwat ka déler éta, haté remen sumeblak. Ujlak-ajlok, kawas pindah persenéleng. Najan katénjo ngajéngjréng, teu ieuh kacilek. Duméh ngan saésé, nu ngabéngbat haté. Diperenahkeun di juru toko. Bodi sporti. Striping narik ati. Akselerasi moal sangsi. Bating...! Hanjakal wé, waragad can nyukupan.
Dua bulan, waragad kakara kacanggeum. Kencling, hayang gancang tatawar.

Jam istirahat, datang téh. Ukur uing, kadua nu ngaladangan.
“Kang Sumpena...? Sinanteneun. Ngamaksad?” Imutna rangu, ngabagéakeun uing nu pungak-pingeuk. Salikur menit manéhna ngabulaéh ngadadarkeun. “Tah, kanggo STNK sareng BPKB, ulah lali...kedah ngalampirkeun KTP?” pungkasna. “Ooh...,” uing unggut-unggutan. “Tiasa teu, pami nganggo KTP kagungan...Si Manéhna?” talék téh, antaré. Karérét, kerung ipis tina halisna.
“Pupujan ati? Atuh janten atas nami anjeunna?”
“Ah, teu sawios. Rido téh teuing.”
“Hihi...ni bageur,” nyirihil, semu ngalédék. “Badé ayeuna ieu téh? Nyandak KTP-na?” namprak.
Uing ngarénghap panjang. Meruhkeun ketug. “Lis...tiasa nambut KTP salira?”
Bep, ngabetem. Saulas layung, sumebar ‘na kulit pipina.

JEUJEUR

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 15:22:53

"Koloyong, ka ditu! Koloyong, ka dieu! Teu sirikna unggal babaturan. Nu dipéntaan tulung téh! Teu metu pisan." Sanip, humandeuar.

"Hahaha! Émang, ilaing ménta tulung naon, kitu?" Ki Omén, ngéleg.
"Angger Aki mah, ari geus nyeungseurikeun téh! Teu pira, ménta tulung nginjeum duit, 'Euweuh!' Témbalna téh. Nginjeum béas, teu méré! Cik, sugan Aki boga?" Sanip, ngalengis. "Tah, jig bawa!" Walon Ki Omén, bari ngasongkeun jeujeur jeung eupanna, terus ngaléos.

PINTER KODEK

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 14:23:26

"Cik lah menta udud sabatang mah?.." Ceuk si Sadun, nu karek beres dahar ka babaturanana. "Yeuh aya sabatang deui!.." walon babaturanana, bari ngasongkeun udud, nu ngan sabatang deui. "Nuhun pisan euy! uing mah resep ka maneh teh, tara pinter kodek!.." bari mawa eta udud,na leungeun babaturanana. "Nya sarua weh uing ge resep ka maneh, henteu siga si Walung!.." walon babaturanana deui. "Heueuh ulah diturutan lah kalakuan si Walung mah, goreng patut! ari manehna mun boga kahayang, kudu di cumponan. Giliran urang butuh ka Manehna, tara daek pisan nyumponan! tah jelema model kitu mah, pinter kodek ngaranna!.." ceuk si Sadun bari ngelepus udud, pamere ti babaturanna.

BONGAN NGANDELKEUN TEUING

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 13:29:13

"Susi, ketik ini !" kuring ngasongkeun sababaraha draft berkas perkara, kalayan aya jang pleidooi, gugatan, jawaban, replik, duplik, jeung tabel daftar alat bukti-bukti. Kuring neruskeun hanca ngieun fikmin. Ngahuleng sakeudeung "naha fikmin oge kudu diketik Susi kitu, supaya teu salah ngetik ?" kuring ngagerentes.

SANG PROFESOR

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 12:43:26

Mulang ti Gedong Saté, nu arusul bahasa daérah ulah dipupus tina kurikulum, nyarimpang heula ka imahna Sang Profésor, nu ngagugulukeun kurikulum 2013.
“Lihatlah kenyataan bung. Jangan-jangan anak kalian juga tidak berbahasa Sunda. Noh lihat, mereka sedang triping di diskotik. Apa dugem berbahasa daerah?” Profésor, malik-malikkeun, teu kuat dikiritik unggal usik.
Bakat ku ambek, Sang Profésor naék ka langit ping pitu, deuk ménta hak asasi kabébasan cacarita. Mulang ti langit, beungeutna ceudeum, leuwih meredong batan pihujaneun. Tepi ka imahna, nu arusul ngarumpul kénéh, beuki nyarureng.
Lenggerek… ambek nyedek tanaga midek.
“Ki Silah… salira tos mangsana mulang nun...?!” nu sarwa bodas ngahiap.
Sang Profesor ngagurijag, hegak ngerepan, jajantung dagdigdug. Luak-lieuk ka sabudeureun. Kulawargana ngagugulung.
“Gusti… ning malaikat géh maké Basa Sunda!” Sang Profesor kerung, laju ngaheruk.

NGABANDANG…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 12:37:18

Baturna, ti sore kénéh geus ribut meuli tarompét jeung pepetasan. Ihsan, cindekul dina lawang panto nyerangkeun langit. Séréngéh seuri. Maju ka peuting. Sup, ka jero imah, kaluar deui mawa langlayangan. “Badé kamana, A? Tos wengi nyandak langlayangan?” Ceuk Indungna. “Badé ngabandangan sora, Ma!” Teu poho kéler keur ngawadahana…*2.

TEU JADI DITILANG

Kénging Hilman Af
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 11:38:10

Isuk2 manaskeun motor siap2 mangkat ka tasik, sun kening ka pamajikan| assalamualaikum..| wa'alaikum sallam, ati" dijalan! | tembal pamajikan bari dadah | breemmm di gas motor tepi ka jalan gede,geus kaluar kota bandung di kajauhan cing buricak burinong warna hejo ngora ngararumpul di sisi jalan,|waaah gaswat aya rajiaan| (ngageurenyem dina jero hate)pas kadeukeutan simkuring eureun |cekiiiiiiiiiitt| nempo pulisi sibuk ngerenkeun mobil, teu kungsi lila --> lanjut di koment

LUKISAN KALANGKANG

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 10:58:41

Teu kahaja paneuteup amprok,teu robah tempat. Salila sapuluh taun angger dina tembok nu sarua, kitu deui sofa kulit handapeunana masih ngajentul maturan.
Nyorangan, siga kuring ayeuna. Hese neangan kecap pikeun ngedalkeunana.

Ret kana diri, ret deui kana lukisan. Beuki atra aya nu sarua antara kuring jeung lukisan eta. "Simpe dina jagad rame!" ceuk galindeng.

Laju lelembutan ka hiji padumukan nu lenglang, ku hayang bumetah di dinya."Ulah nganjang kadinya." ceuk hiji kalangkang. "naha?" tembal kuring rada teugeug. "kuring ge hayang ingkah ti dinya." ceuk kalangkang nuluykeun panyarekna nu tadi.

Kuring mencrong. Neuteup seukeut kalangkang eta, ret deui kana lukisan. Leketey waruga siga leungiteun tulang, tuluy muruluk siga keusik.

NOMENKLATUR BINOMIAL

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 10:29:39

Ngaran téh ciri nu matri atawa bisa jadi jadi du’a keur nu bogana. Kukituna asa luyu jeung sakuduna urang méré ngaran anu aralus kana sagala hal, ngan mun bisa embohkeun tetengger kawewengkonan méh kawijaksanaan lokal terus kalandep ku rundayan urang nepi ka jaga éngké.
Kos bangsa deungeun ning, contona Psidium guajava alias jambu kulutuk ti pulo jawa pan ngarana jadi mendunia.

Sok heneg mun aya urang sunda, éra ngembohkeun ciri kasundanna dina ngaran, hakna mémang, tapi cing atuh selapkeun mun pareng maké ngaran barat, arab atawa naon baé, pan jadi fardu kasambut sunat ka lampah, méh dzuriat urang téh teu leungiteun teuing kana jati dirina, peupeuriheun dina kurikulum 2013 diwelu.

“Tiasa pami pun incu dinamian, Kancing Beureum, Jang Guru?”
“Maksadna?” cékéng
“Memetna tina: Kacinta anu wening jadi beubeureuh anu maneuh keur jati sunda mugia ulah pareum!”
“Tegep... Ni!!!, muga ieu budak engkéna teu jadi Professor nu kéder kabalinger!”

F

ANGEN-ANGEN

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 10:28:40

Meus-meus. Reg, kendat dina léngkah. Rét, ka tukang. Bray, muka lambaran kahirupan, maca tulisan nu geus keuna pinasti. "Ukur wasa, merenan rumasa," Ngalimba dina katuna, kateudaya. Murubut, nyakclakan miraga lemah. Sirna, musnah! Ancur! Kalebur waktu. Laju, Salira nyanggem. "Néng, dunya téh, buleud! Nembréhkeun, poék jeung caang! Misahkeun urang ku papasténna."
"Naha diri kedah nungguan? Keueung....Kang!" Nunggelis di gawir langit. Dikantun di tegal rasa, ngantosan lilir dina wates ngimpi.

Rét, ka hareup. "Cireumis, seuri leutik!" Mangsa léngkah munggaran, ngagurat, tapak anyar. Namprak dina karumasa, nu remen umanjang. Padahal! Haté urang, aya didinya. "Buktosna!" Kabagjaan nu semet angen-angen.

NU HAYANG BÈDA

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 10:21:39

Tilu Pèngkolan ditilep. Disakalikeun. Motor ngadius lir nu diseureud Èngang. Hatè merod,hayang buru-buru nepi.
"Mapag taun anyar ayeuna kudu di Lembur."
Gerentes hatè Juhe,nguatkeun paniatan.
Geus kacipta resepna. Ngumpul. Jeung dulur. Jeung babaturan. Nu lawas kapopohokeun. Kabèh ngariung dina kongkolak panon.

Bosen. Rarudet. Bèhdituna sareukseuk ningali botol arak nu pabalatak. Kabiasaan mapag taun anyar. Ceuli rawing,panon sèrab. Kunu ngaduruk Langit.
"Asa lebar miceunan duit."
Hatèna ngocomang sapanjang jalan.

Beurang di tungtun taun geus karungkup peuting. Sakeudeung deui. Srangèngè taun anyar baris medal. Karèk anjog kanu dituju.
Sup,ka imah. Suwung. Taya sasaha. Korèlèng ka tatangga. Sarua. Ngahuleng.
"Keur ngajaremput taun anyar jang, ka kota!"
Ceuk nini Usih. Ngelol tina lawang.

POTRÉT ISUK-ISUK 7

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 10:07:34

Leumpang rumanggieung. Karung nu dibawana masih kosong. Anjog ka hareupeun imah gedong. Kurah-koréh ka na wadah runtah. Botol pelastik, gelas pelastik urut, kertas, jeung dus sésa pésta peuting. Bus, diasupkeun ka nu karungna. Lapur teu manggihan sésa dahareun nu bisa kénéh didahar. Ngeusi peujitna nu kentél. Laju neruskeun léngkahna, ti wadah runtah ka wadah runtah lianna. Karung ampir satengahna kaeusian. Leumpangna beuki rumanggieung. Beungeutna sepa. Sabot kokoréh, nyuksruk tisungkur ka na wadah runtah. Teu menyat deui.

CAN HAYANG

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 09:35:04

Malem taun baruan, teu gugur teu angin Ki Sémah jol nganjang, ngolo kuring ngajak mulang.
“Mi, bisi geus bosen di dunya, hayu milu jeung kaula,” pokna bari ngarongkong hui Cilembu.
“Moal waka, Ril. Uing can hayang ka sawarga. Sab di dunya asa pangbagjana. Najan kismin, Pangéran masih nyaaheun, aya kénéh pakasaban keur tali paranti.”
“Bisi énté hayang ngawayuh, aya widadari di ditu mah, bisa leuwih ti opat.”
“Henteu, Ril. Can hayang kawin jeung apsari. Can tangtu apsari apaleun kamasutra."
“Jiih di ditu mah genahna kalangenan. Sagala aya.”
“Baé, Ril. Uing betah kénéh ngawangkong di pos ronda, bisa seuri ngeunah meupeuhan balak genep.”
“Nya baeu ari kitu mah. Uing deuk balik. Cingan sugan aya kénéh hui Cilembuna jang oléh-oléh.”
“Kop wé dibungkus. Bisi butuh nu atahan, aya di pawon anyar ngarabut.”
“Nuhun, Mi. Maa salamah”
“Kum salam.”

INDIT GAWE

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 09:31:22

Wanci isuk-isuk, si abah geus katingali kasep da geus mandi. Saacan si abah indit gawe, cai kopi geus di pangjieunkeun ku si ambu, si abah ngaregot kopi siga nu ngeunah pisan "hmmm mantap pisan ieu kopi!..." pokna bari ngelepus udud kretek. Manehna tuluy cengkat, muka panto imah hareup. Teu lila nungtun motor, tuluy motor distater, da niat rek manaskeun heula eta motor. "Breeng sora motor disada" tuluy si Abah abus deui ka imahna, bari teu poho ngaregot deui cai kopi jieunan si ambu. Katingali barudak keur arulin di jero imah, si Abah nyampeurkeun terus pok ngomong ka budak nu cikal "Kakay, abah angkat heula nya!" bari nyium budak nu cikal jeung nu bungsu. saenggeus beres nyiuman barudakna, si abah nyampeurkeun si ambu di dapur "Ambu angkat heula nya..! doakeun sugan hasil" pokna bari nyium tarang pamajikanana.teu lila si abah kaluar ti jero imah (bari dituturkeun ku si ambu jeung barudakna), "Assalamualaikum Warohmatullohi Wabararokatuh" pokna unjuk salam. tuluy naek kanu motor nu mesinna geus panas, breeeeng eta motor digas, terus maju ninggalkeun pamajikan jeung barudakna. Kitu jeung kitu tiap poena, mun si abah rek indit gawe.

LAMBARAN...

Kénging Ciplak So'i Thea
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 09:27:46

Hmmm...pajar nikmat cenah janten PAJABAT,
Nalika kagungan lepat ka rahayat,
Batan sasadu kalah pangambung nu nyingsat
Euleuh...? na muhun kitu uwenak mun janten APARAT...???
Pan surna pami ucap lampah lepat
Ka rahayat teu kedah sanuk-sanuk ngaraos LEPAT

Aaah..cenah raos keneh janten PUPUHU
Kantun tunjuk ini candak itu
Sanaos ungkarana mung ngaRAYU
nalika ada MAU...Kantenan ka kaum ibu
Tanapi wanoja nu miharep sesuatu
Rahayat teu kedah ngaraos KATIPU

Leueuh...horeng ...geuning kitu...???
Na leres kitu pajabat teh irungna nyingsat pami aya lepat...???
Na enya kitu aparat teh teu kedah sasadu pami lepat...???
Na muhun kitu pupuhu teh penipu...???
Na muhun kitu seueur wanoja reng kaum ibu nu raraheut kalbu
katipu ku eta pupuhu perayu...???
Asa Piraku.......????

Duh Gusti...diri nu teu walakaya, Hampura rumasa kuring loba dosa..sadaya-daya,
anging Pangersa Nu Langkung Uninga tur langkung Wijaksana ...
~~~???~~~

KARTUN JEUNG GOLÉK

Kénging Thiefz Urang Sunda
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 09:23:07

Si Ujang lalajo TV. Nyetél kartun. Upin Ipin. Torojol Aki nyampeurkeun, "Tuh, Ujang, urang deungeun mah kitu golékna téh..., peresis siga jelema." Si Ujang baeud, "Ieu mah kartun, lain golék," pokna. "Heueuh Ujang, bonéka kartun, ibaratkeun golék di urang mah...," keukeuh. "Lain..., Aki..., lain bonéka, lain golék, animésyen ieu mah jieunan kompiyuter," Ujang sami keukeuh. "Oooh...," Aki ngéléhan. "Hayoh wéh golék, kabaheulaan aki mah, tinggaleun jaman golék mah," bari anteng lalajo TV. Si Aki ukur imut.

SESEMPLÉKAN BASA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 08:59:33

Jaman geus asup ka mangsa 5G. Sagala digital. Meujeuh, di Leuweung Bandung nincak taun 2112. Taun nu nyengsreng ku téhnologi jeung kamajuan. Basa nu dipaké hirup kumbuh geus maké basa gambar (ikon). Hasil sawala mang taun-taun supaya teu jadi salah narjamahkeun.Ari ku gambar mah najan datang ti planét Mars, cenah bakal ngarti.

Budak leutik umur lima taun urang curug meledug, nanya ka bapana.
“Ari maung téh naon?”
“Kuéh”
“Ari Galudra?”
“Suuk”
“Ari kelenci?”
“Sami, suuk ogé”

Bapana ngajawab anteb pisan. Kitu karuhun ngawaris ka manéhna. Seja taat jeung dumeuheus. Ngamumulé titinggal Nini Aki.

BALADA BALA-BALA

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 08:30:54

Ngelepus udud kawung. Ngabaheuhay. Kurunyung si Suanah nyampeurkeun. "Bah! Nyai téh hoyong tiasa mikmin nu saé, kumaha carana?" Bah Uhid mureleng ka nu anyar datang. Kerung. "Kateuing Anah, kami mah lain pangarang!" pokna nyureng. "Éta kapan Abah sok janten panarosan, manawi aya pituduhna?" Horéam-horéam gé, Bah Uhid teu burung sumanget ari ditanya ku nu hérang mah.

"Ari Anah osok kana bala-bala?"
"Ngadamel kantos, nuang kantenan hobi."

"Kumaha sangkan bisa nyieun bala-bala nu ngeunah?"
"Rupina kedah nganggo tarigu kualitas saé, sayuran seger, sareng bungbuna pas."

"Upama sagala bahan hadé, kudu dikumahakeun sangkan bala-bala-na ngeunah?"
"Kedah leres-leres ngolahna, ngagoréngna kedah pas asakna."

"Kumaha tarékahna, sangkan parigel ngasakan bala-bala jiga kitu téh?"
"Kedah soson-soson dipidamel, ngaraosan kenging batur, niténan kumaha ngolahna."

"Mun sakali ngagoréng tutung. Mending meuli atawa ngagoréng deui?"
"Mending nyobian ngagoréng deui, bari ati-ati supados henteu tutung deui!"

"Éta geuning katimu. Jung bantuan si Nini ngagoréng bala-bala! Tong poho kopi paitna!"

TELAT

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 08:08:16

Pasosoré, Undi nagih janji, ka indunna: "Ma, lain deuk meuli torompét téa! Ongkoh ceuk ema, tanggal dua améh murah!"
Indungna: "Keur naon meuli tarompet? Pan enggeus lekasan, pesta mapag taunna ogé!”
Undi: "Har! Naha ari mapag taun, tanggal sabaraha kitu ma?"
Indungna: "Tadi peuting, waktu manéh keur ngadahdir!"
Undi: "Ooh...!" Semu handeueul.

PIGEU...

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 07:53:36

Upacara. Ihsan maké solasi ban dina biwirna. Padahal manéhna panyatur Sumpah Pemuda. "Ihsan, nanaonan?" Guruna geus popolotot. Ihsan ngabadeg. Sorot panona nu ngagedur. "Isun, wong Cerbon! Isun, ra sudi klalén basa Cerbon" Dina sacewir kertas, nu diasongken ka guruna.....*1.

WEGAH PAPISAH

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 07:30:35

"Cunduk waktu ninggang mangsa. Mo beunang diulah-ulah. Takdir mo beunang dipungkir , kadar mo beunang disinglar. Kapaksa urang téh kedah papisah. Najan haté tetep montél ,keukeuh pageuh teu merean. Omat , ulah pisan rék dipake ceurik ,Eulis ! Ti semet ayeuna kahareup wayahna urang silih ridokeun." Ceuk Jang Odas bari ngagulung kalénder heubeul gambar Agnes Monica. Gambar dina kalénder ditatap diusap semu nu kacida geugeutna.

PELET

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 07:22:40

Bonganna, nampik! Asa aing geulis, ka aing wani nolak. Gerentes hate, bari seuri sinis. Sanggeus tatanya, kaditu kadieu. Antukna, kuring manggihan dukun lepus. Manehna mere jampe, tur sarat pikeun di pigawe. Peutingna, kuring indit ka imah nyi surti. Rerencepan, sieun katohyan batur. Kusiwel, bungkusan ti dukun di kaluarkeun. Tuluy, di awurkeun. Ngahaja, na lawang panto. Meh, kaliwatan. Teu pira, syaratna mah. Fhoto, kuring. Jeung duit, tilu gepok. Saratus rebuan! Hahaha

MESÉK MATÉMATIKA II

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 07:11:05

“Istiqomah atawa mayeng pibasaeunana, bisa diibaratkeun angka salapan mun dina matématika” Ustadz Rudi Al-Fajri, muka acara pangajian. Laju neraskeun deui hancana.

“Angka salapan, angka pang punjulna dina raraban itungan angka Arab, boh dina jumlah wilangan atawa sifatna, hingga disebut tis’ah hartina punjul! Kaitanna jeung kecap istiqomah nyaéta Angka salapan bisa tetep ajeg teu kaleungitan jati dirina nalika pagalo atawa digalokeun jeung angka séjénna dina kakalian. Teu unggut kalinduan teu gedag ka anginan...!”

“Contona... Pa Ustad?” Musa télémbéng
“Sok...!!, 3 x 9 sami sareng 27”
“dupi dua ditambih tujuh?”
“salapan, ééé... enya nya. Cobi nu sanésna ah....!?”
“Mangga...., 11 x 9 sami sareng 99, cobi jumlahkeun angka 99!”
“Dalapan belas!”
“Dupi hiji ditambih dalapan? Apan tetep salapan”
“Dupi kakalian naon maksadna?”
“Cép Musa... hirup kumbuh di kahirupan dunya, mending kos kakalian. Sagalana bisa luyu mun dikalikeun mah, tanda wuruh mun urang nambah sumawona ngurangan sabab kudu baé sarua atawa sajinis.”

INSTROSFEKSI

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 06:01:55

Angin lelenggutan 'na pucuk kiara, di alun-alun, hareupeun balaikota. Capéeun. Tas saba nagara. Ngadata anggaran mapag taun anyar. Gurinjal, reuwaseun. Kagareuwahkeun sirineu pangawal walikota."Detik-detik taun baru! Hiji, dua, tiluuu...!" Walikota ngaba-ngaba. Sirineu ngahiung. Motor digaur-gaur. Ger sarurak. Tatakolan, tatabeuhan. Di panggung dangdut, kendang diendut-endut.
Kembang api ting barasat, ting paralak, ting baranyay. Angin gogodeg. Meungpetan ceuli. Ngaharéwos ka nu dieunteupanana, daun kiara nu ngarangrangan. "Pantes deungeun mah, luyu jeung agemanana. Jeung kamampuhna. Rék jutaan dolar oge." Daun kiara mairan, "Basa kuring nyaksian nu darémo, gegedén ngupahan dina pidatona, apan APBD urang mah leutik pisan." Angin ngahuleng. Ras kamari, basa nempo nu dibagi sembako. Loba nu pingsan. Eungapeun. Kagencét.
Sora kota handaruan. Ngabekep sora nini-nini, tokroh-tokroh, nu seselendep ka jero kumpulan manusa mulya.
"Agan pasihan nini kanggo neda."

BÉJA TI KOLONG MÉJA

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 05:44:11

"Kumaha carana?, Kuring geus béak léngkah ieuh, Hallow! hallow!". Sora gagang telpun ditutupkeun. Aya Ramo ngaragamang kana Laci, bangun nu rusuh susur-sasar.
Sarung Poléng pulas Héjo, gagayabagan noélan Ubin. Sora gagang telpon diangkat Tét tét sora mencétan tombol. "Hallow, béjakeun, geus teu kuat kituh Kuring ngalawan Maranéhna, kadé omat kudu ditepikeun ka Dunungan nya!, Kuring rék Undur!". Gulantung gagang telpon ngambay, méh adek kana ubin. Tina Purintilna kabel gagang telpon, clak, clak, Mangsi Beureum?, tapi kunaon bet Hanyir. Sarung Poléng pulas Héjo mimiti antel kana ubin. Mangsi Beureum nu Hanyir beuki ngamalir kana purintilna kabel gagang telpon. Sarung Jibrug kunu Hanyir. Gagang telpon nyoara, "Hallow, Prof, Prof!... ".

GOG

Kénging Rukmana Ranudiana
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 04:13:04

Cicing cuang-cieung, nanggunjar dina palupuh ranggon di tengah sawah. Mapat aji bebegig, ditarik ulur ku tali pilin tamiang. Ngagebah piit jeung galatik, sina rabeng deui haliber. Ranggeuy-ranggeuy buah pare, disalindung ku pangharep sangkan baleuneur ulah hapa, pa! Cenah Dewi Sri ngawanti-wanti, piara ti kawit binih sing ngajadi buncir leuit, ieu pare pating arulang gugupay nurut wirahma nu ngahiuk ti gunung-gunung. Kuring cuang-cieung bari balagonjang ngawih: "Jung jae balaka tanjung ja enan. Tanwande neda ka Gusti Pangeran...sangkaning mulur- mulur angin nitiskeun sari kembang sing ngajadi ranggeuy-ranggeuy buah pare". Bari renghap
ranjug, sieun panen gagal jadi babangkar jarami siga usum nu halodo anu kamari. Nu harita ari GOG cingogo, mireungeuh sawah harapa kabeh!

PHÉNOMÉNON

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 01:59:58

Laboratorium psikoanalisis, planét Xrych, gugus béntang Casiopéa. Demplot koloni dijieun persis siga kota di planét Bumi, pepek ku fasilitas turta utilitasna. Dieusian ku spésiés manusa métro-urban, meunang nyulikan ti sajumlah titik di wewengkon Ahoxian, dijadikeun sampel panalungtikan.

Bangsa Xrych kataji lantaran éta spésiés, kawilang unik, prilakuna hésé diteguh. Geusan ngabuahkeun hasil panalungtikan nu valid, Inohong risét, Prof. Xruch ngahaja ngabébaskeun padumuk planét Xrych interaksi jeung éta koloni.

Sataun kalarung. Pangeusi planét Xrych ngarandapan disoriéntasi. Mahiwal. Nu tadina polostomo mindarupa jadi rupa-rupa. Aya nu kumincir jadi alay, laluis ngondék, beberenjen cabé-cabéan, huthét pedang-pedangan, buringas jadi préman, keunka nu ngaringu jénggot tinggarebay.

Tutas sakabéh variabel dirégrésikeun. Prof. Xruch meunang hiji kasimpulan, yén sikep jeung prilaku sampel miboga pangaruh signifikan ka padumuk lokal. Bangsa Xrych kiwari robah kapribadian jadi paripurna, uteukna sosialis, biwir moralis, haté fundaméntalis, laku radikalis, beuteung kapitalis, palangkakan liberalis. Éstu fénoménal.

KR. MORITZKO

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2013 01:46:22

Sed. Rada maju saeutik. Merenahkeun dasi kukupu. Katon kéwes.
Flute dideukeutkeun. Méh antel kana mike. Wirahma bubuka, dirospél wanda staccato.
Congo nada ngagulayun. Ganjen, ngagupayan Hitar.
Melodi turun lalaunan, nepi ka wates kadénsi.
Heup! Eureun sakeudeung. Breng! Dibagéakeun wadia instrumén.
Cuk-cak tiktak. Silih toél - silih senggak. Arocon nyetring sesela.
Bass betot bangun kalékéd, nangkél saparapat ketukan.
Cunduk ka tungtung interlude. Vocalis gumalindeng kemayu.
“Jikalau tuan mendengarkan ini
Haraplah supaya, senang di hati
Oooo aii memetik gitar
Sambil berbanyi membikin pendengar
Senanglah di hati…”
Kr. Moritzko kasaweur hiriwik angin. Ngusir baluweng nu rungsing pikir.