Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Désémber 2012 (41 Naskah)


MALEM TAUN BARU DI PANGANDARAN

Kénging Iwan Ruspendi Sr.
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 23:24:35

Mun pareng keur bagéan peré, Oman Jeung Dadang sok négong di hareupeun hotél tempat maranéhna gawé. Iseng nataan kendaraan nu lalar liwat.
"Tah, sabangsaning sédan, élf travel jeung beus pariwisata biasana datang ti tebéh Bandung atawa Jakarta, nu tumpakna pantar kelas atas jeung menengah. Kawas uing." Ceuk Oman.
"Samunaka manéh mah Man, kelas manéh mah sarua wé kawas uing nu datangna ti kelas cacah kuricakan. Tumpak kendaraanna oge kawas itu tuh, padésaan konéng, kolbak jeung treuk nu ditiungan terpal. Ti lebah Cigugur, Kadu Dua, Karang Pari, Pangawinan, Selasari, Baréngkok jeung Pasir Kilar éta mah datangna. Euweuh ti dituna beus pariwisata jolna ti jolok mah." Keur guntreng ngobrol, reg sédan Altis eureun meneran front office hotél.
"Mun nu éta ti mana, Dang?" Haréwos Oman. Lila ngabetem, ana serenteng téh Dadang ngadeukeutan sédan. Gaplok! Gaplok! Nu anyar turun tina sédan téh dicabok sateker kebek. "Nanaonan sia téh, Sumi! Ngakuna wé gawé katering di Bandung, horéng ngadon ngublag, ngérakeun sia mah ka urang lembur, balik siah!". Oman bati hookeun.

LAKUNING MANUK

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 22:09:48

Sisi jandéla kamar nu beulah kénca. Selang-selang nuluykeun hanca pagawéan kantor, panon pirajeuneun rurat-rérét ka luar. Sakapeung manco ka balong leutik nu laukna keur ranghap. Patingkucibek.
Di sisi balong, tangkal jeruk nu keur meuhpeuy kareret dahana oyag-oyagan. Aya Piit 2 ésé. Dina pamatukna aya jukut garing. Lebah dahan nu nyagak katingali loba jarami jeung jukut garing. Sanggeus nyimpen jukut nu aya dina pamatukna, geleber, haliber deui. Kitu jeung kitu. Sababaraha balikan.
Cul pagawéan.
Paneuteup manco ka luar. Kataji ku laku manuk. Sajodo. Leukeun nyieun sayang babarengan. Eta teh sato. Jalma mah meureun leuwih ti kitu. Kalangkang salaki ngolébat. Teu katahan. Aya nu mirusa hayang kaluar ti juru panon. Keclakna marengan rénghap nu karasa mingkin beurat.

BADÉNA

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 22:09:03

“Pék téh teuing, najan rék nariupan tarompét sagedé-sagedé gunung ogé jeung patarik-trik ogé! Emh, poho wé nyah, kana sajatining taun mah, da moal aya nu kuat nandingan kana tarompét Kami!” Ceuk nu boga tarompét pamungkas. Pantesna. Bari kekerot.

SAMPEUREUN JAGA

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 21:32:09

Najan dipukpruk ruruhit. Nyangsaya dina ulekan Liwung. Kitu jeung kitu, taya kendatna. Isah mah, taya réngrotna. Ngungkulan salaki miyuni Rahwana. Polotot porongos, karasana malah bangun nu ni’mat. Héok sepirtus lir héok malati. Basa telat muka tulak. Panto ditajong, bubuk kaca naranceb kana beuneutna. Taya keclak cimata. “Hapunten Kang! Mangga, badé naon deui, supados Isah tiasa ngeclakeun cisoca?” Pokna. Bari nyium sapatu salakina nu lamokot.

MANGSA POÉ MEUNTAS KA SORÉ

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 20:57:22

Pulas gunung pangjauhna. Biru. Teuteup nu semu nyumput. Dua kali anjeun ngaliwat hareupeun kalangkang kuring. Mulak-malik kukupu kertas ku tungtung ramo.

Diteuteup. Dua panon beuki nyumput. Lir bulan kasamagahaan, lir wanci nu teu kapireng hiur anginna. "Saha atuh ari salira? Ngeukeuweuk peueut dina rindat, ngawur-ngawur kembang dina lambey nu kahujanan."

Biru. Tiung biru nu mulak-malik kukupu kertas ku tungtung ramona.

"Gusti....basa téh perlambang rasa. Mun basa ngahiang tina dada, badé kumaha abdi némbongkeun ieu rasa."
Neuteup deui. Kalangkang pindah ka lebah wétan.

KADO TUNGTUNG TAUN

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 20:54:51

"Pa..., ieu pesenan teh'" ceuk staff bari ngasongkeun CD, manehna memang ngahaja dititah gawe leuwih. Beungeutna katingali siga nu nahan seuri henteu ari disebut semu ngalelewe mah.
Dina rekaman ebreh katingali pisan, romanna ekspresip sorana bedas euweuh kasieun estu teuneung.
Hate nu tadina liwung, ayeuna karasa reueus. "Matapoe salawasna nangkeup peuting" galindeng sukma mairan, bari mukaan deui gambar kayas nu pageuh nyelap na lambaran hate.

MUMUNGGANG GUNUNG

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 20:40:20

Penclut umur geus katincak. Neuteup ka landeuh jaman. Geuning ngan sakitu nu kasorang. Bréh. Teu kabéh daluang kakobet. Teu kabeh huma kakoréd. Ngan satapak jalan ka lebak. Gusti, pudunan pohara leueurna. meusmeus seureuleu, geblug! Kuniang nganteur kahayang. Waktu embung ngiclik ti tukang. Kalah birat tuturubun, merod narik layar panggung. Sérélék! Nutupan langit kabétah. Kuhayang reureuh sakeudeung. Eungap. Rénghap paheula-heula jeung hégak. Ieu pundak asa bengkung. Nanggung sésa kahayang. Seunggah ngabeungbeurat léngkah. Biheung kasorang tumaninah. Némbong gelor lembur konaah.

BATU

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 20:37:31

Ngecrek méh sapeupeuting, angin mangpéngkeun bulan ka nusa pangjauhna. Mongkléng beuki ngimpel na péngkolan, kalangkang gudang ngabegig, ukur tangtungan tarajé nu samarsamar kapireng, sabot tatit nyabetkeun kilat pedangna.
Ngingkig muru gudang canéom. Barang srog kana golodog, jas hujan nu geus tembus baseuhna, lalaunan dilaan, kitu deui sapatu, diteundeun deukeut sendal capit nu kagencét pot kembang. Sora rekét panto disusul ku cekés panékér, uyupayap leumpang ngadeukeutan ranjang di juru gudang. Sanggeus tepi tuluy nyeungeut damar, sabudeureun rohangan cahayaan najan teu pati caang. Di luhur ranjang katémbong mayit awéwé ngajepat, kanyos sepa geus méh garing, di gigireun mayit ucing hideung ngaréngkol. Melong sakeudeung laju neruskeun deui héésna.
Ngusiwel nyokot batu jero pésak, satengah maksa batu nu ngempur diwewelkeun kana baham mayit. “Mudahmudahan nyawa anjeun can jauh ninggalkeun raga,” ceuk manéhna bari ngarurubkeun sepré, nutupan mayit nu mimiti ngulisik.

NAON NU BARUNA ATUUUHH

Kénging Rafi Suherman
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 20:24:32

Dalang sawan, panayagan jeung sindén kapiuhan, nu lalajo kasima, hayang lumpat tapi teu bisa cengkat, ningali si cepot ujug-ujug ngagedean, rieug panggung ngarieg, si cepot lujag léjég luhureun panggung.
"Naon nu baruna atuuuhh" gorowokna
"tiap taun ogé kieu lin!, iwalti kalender jeung gundukan angka mah, naon nu baruna atuuhh!, ukur nyukakeun euwah-euwah nu resep maksiat, di tempat pelacuran jeung tempat mabok, naon nu baruna atuuhh!, ukur nyukakeun pangusaha nu meuleuman duit, nu di paké mercon jeung kembang api mah, naon nu baruna atuuhh!, lain kalender jeung gundukan angka mah, tanya diri sariaaa, geus boga nu baru nu mana nu aya dina diri, pikeun picontoeun nu balég keur turunan siaa".
Les, si cepot leungit tampa bilang tampa karana, pagelaran wayang mapag taun anyar di eureunkeun harita kénéh, nu lalajo baralik, mawa beungeut alum.
Sedeng di tempat maksiat loba nu kasurupan.

TUNGGUL

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 20:23:11

Di ieu palataran kula nangtung, leungiteun kalangkang, ilang udagan, ngajadi tunggul di lemah sésa kahuru nafsu.

FRAGMÉN AHIR TAUN

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 19:53:38

Capé, nahnay dina poé panutup taun. Sakotrét harepan ngarandakah pikeun taun anyar. Duh jungjunan, naha salira téga ngalungkeun cidra dina hambalan taun ka taun.

“Dagoan akang eulis,” saur salira saméméh urang paturay tineung tilu taun ka tukang.
Kuring masih nganti salira, dina mangsa nu terus kasorang. Nepi ka iraha, pasini jangji baris ngahiji. Sedeng waktu ngalebelesat lir jamparing hariring nu nguwak-ngawik jiwa jeung raga nepi ka teu karasa. Panungtung taun, dina hujan nu terus ngagebrét, saperti cimata nu terus nyakclakan pameunteu nu alum, kuring masih satia pikeun salira. ***

EUNTEUNG WAKTU

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 19:21:29

Anjog ka lulurung labirin, rupaning eunteung ngajanggélék. Detik muru menit, sedeng menit kokoséhan ngudag jam jeung poé, minggu tur bulan. Sor Januari, aya eunteung piceurikeun. Anjog ka Februari jeung Maret kasibukan mahabu méh poho ka temah wadi. Datang April, gumbira amar watas suta marengan hegak napas. Mei nepi ka September, aya harepan nu ngarandakah dina sesebitan kamelang. Oktober, November, Desember ngulahék kana waktu tan ugeran.

Peuting panungtung dina taun 2012, sababaraha jam méméh datang taun anyar eunteung waktu ngabelélan, moyok, jeung ngajejeléh. Meunang naon anjeun tina runtuyan waktu 366 poé? Eunteung masieup, nalikung raga ti hareup, ti tukang, ti handap, jeung ti luhur ménta tanggung jawab tina waktu nu kalarung. Ka mana nya panglumpatan, pananggeuhan? Kuring dibeberik eunteung 2012 sedeng eunteung 2013, ngadagoan, mapag mangsa pikeun eunteung nu anyar. ***

BÉJANA

Kénging Soendara Djatiseba
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 18:27:12

.
Béjana angka 13 teh mawa sial.

SAREUPNA ANU PANUNGTUNG

Kénging Dedi Herdiana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 18:15:47

Reup peuting mapag mega, ceudeum haleungheum ku cai hujan pasosore. Kuring ngan ukur bisa neuteup gantina wanci tina jandela kamar bari nyarita ''dua rébu tilu belas''

BAB ANYAR

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 18:09:19

Héab waktu menekung dina hambalan jagad. Séah motah runtuyan detik mireng mangsa nu kalakon. Najan hujan ngeprul, ngerecek teu ieuh jadi halangan pikeun sukan-sukan mapag taun anyar. Térétét tarompet jeung warna-warni kembang api ngahias langit nu meredong. Hirup lir hiji buku, ganti taun ibarat ganti bab.

Kuring niténan mangsa lawas dina bab 2012. Aya piceurikeun, aya kagumbira, aya kaambek, jeung rupaning rasa nu marudah. Nyawang bab 2013 nu rék kasorang, naonnya eusina? Jempling …. Taya nu nyoara, taya sakecap gé jawaban, sabab can boga implengna naon nu rék dilakonan. Cimata ngabayabah dina bangbarung haté, tan pamaksudan dina bab anyar. Hiks …. ***

GANTI TAUN

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 17:47:38

Gumebyar langit. Silalatu sekar seuneu nu nyeuneu ti alam gaib. Héabna ngentab parat saawak-awak. Bareng jeung séahna émprak. Ayeuh-ayeuhan. Curak-curak. Sukan-sukan.
Ngabagéakeun nu datang.
”Pééét...! Peuw..! Pééét..! Peuw..!”, oray naga ulag-ileg, pelendungna badis létah, ulal-elél. Rantuyan koléngkam. Arum manis ngagubed diapit ku simping ipis. Réncéngan. Ijigimbrang. Nanawarkeun pananggalan anyar.
Sébra, doraémon, spongébob, sapi, némo, kapal, haté, tinggayabag katebak angin. Tali kenur meulit kana patok. Digagantélan téplé, dibungkus palastik, mintel tungtungna. Balawiri. Ngasong-ngasong kembang api, mercon, petasan cabé. Ngaduruk langit. Ruhay. Tingpérépét. Dor-dar. Reup bray…tingbarasat.
Tarompét nérétét. Uwhooong...! Uwhooong…! Whhooong…!
Hatong ngahihiung, “Nguwiw…nguwiw…nguwiw…!”
Deudeuh…, taya nu mireng. Rekét riyeug dunya eundeur. Ngagidir ngemu kagimir.
Seja ngagilir poé panungtung, dina ganti taun. Mileuleuyankeun nu indit, léléncop réma nu lemes, ngagupay. ”Pileuleuyan, Jungjunan. Jaga urang balitungan..!”
Bep!

TAUN BARUAN KA BULAN

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 17:31:41

Nu ceurik can rerep. Panonna geus sagedé kalapa. Beuki surup panon poé, beuki ngabedasan ngahiung. Ka hareupeun imahna, pabaliut sawara motor, sing bérékéték ngabibita nu ceurik, ngangajak nu keur nalangsa teu bisa indit.
"Ulup, geus jalu, sing sadar dia, najan ceurik getih géh, urang mah moal bisa doang maranéhna, bur kaditu, ber kadieu, euyah-euyahan mapag taun. Ku bisa kénéh nyatu isuk jeung soré géh, geus untung urang mah céng!" Bah Kalimi ngupahan.
Tengah peuting, sing sariut sing sariet, bruy-bray, sing térétét sing torotot, nu pésta landeuheun imah. Nu ceurik, jempling. Bah Kalimi panasaran, léos neuleu ka ambén. Gedebeg si Ulup euweuh. Léos ka pipir, euweuh. Ka dapur, suwung. Ka sumur lapur. Ka kandang si kukut, ukur pepedut. Ngeleper, neuleu cahaya nu sing barasat ka langit, ti pila di landeuh.
Runyah-renyoh nahan kasedih jeung bingung. Belesat aya cahaya ngempur ka luhur, ngaliwatan suhunan imahna, reg, ngarandag hareupeun nu ngeleper, "bapa, Ulup deuk nyusul ema, hayang doang batur" aya nu ngaharéwos. Belesur cahaya melesat deui, nuju ka bulan.
Wanci purnama 14 Sapar, ribut, haliwu, Nini antéh euweuh dina bulan, "keur mangiriditkeun vario, pikeun incuna, Si Ulup, anak kula!" Bah Kalimi owah.

NU NYENGIR DINA BALIHO

Kénging Yasfi Mazda
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 16:35:52

unggal baliho aya inohong anu nyalonkeun gubernur bari mamawa ngaran sunda. Make iket mah. Kujang atawa babasan. Beja mah rek ngamumule budaya sunda.
kiwari bahasana keur kaancam. "cenah mah bahasa sunda rek di leungitkeun ku anu boga kakawasaan".
aktipis, budayawan, sastrawan jeung mahasiswa sunda ngoprot kesang ngabela.
tapi anu dina baliho kalahka jongjon nyengir.

JADI SABIWIR HIJI

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 16:33:57

"Treeeeeeeeeeet treeeeeeeeeeeet toeeeeeeeet" sora tarompet silih tembalan, ditiupan ku kolot jeung ku budak. Kaayaan estu jadi rame. Dijalan, jelema ngaleut teuing rek kamarana? "Engke peuting ilaing rek kamana" pok hiji budak ngora, ka baturna. Jadi sabiwir hiji, pada ngomongkeun panungtungan taun, mapag taun nu anyar. Upami dikersakeun ku Gusti Nu Mahasuci, dinten enjing wargi saalam dunya ngawitan lumampah ngeusi taun nu anyar. Mugia taun anyar ieu, jadi ladang amal keur bekel urang jaga, dialam kalanggengan. Piceun nu gorengna nu pernah dipilampah,Nikreuh-ngeureuyeuh milampah kahadean.

SUNDA KALAPA

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 16:16:53

Dua dedegan, ngajanteng. Nangtung, na kuda-kuda perang. Ukur panon, silih pencrong. Anteb! Leungeunna, pada nyekel pakarang. Sarua, lamokot ku getih.
Setra, nu sakocoran. Teu ngahalangan, peperangan. Sabab aya, nu ngabedakeun. Antara hiji, jeung hijina.
Kayakinan, kahayang, jeung kakuasaan!

ELEGI TUNGTUNG TAUN

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 15:57:44

Karumasaan baheula, pernah ngaberung nafsu, tunggul diparud, catang dirumpak. Nepi ka boga budak hiji, bari teu pernah kawin. Untung kuliah junun, tepi ka bisa gawé di perusahaan gedé. Hirup kawilang onjoy , imah gedé, kendaraan teu weléh nu panganyarna. Single parent mun ceuk basa gaul mah.
Trauma. Budak dididik bener-bener, nepi ka kuliah di Paguron luhur nu terkenal. Kabeneran budak teh pinter jeung geulis, nurup cupu jeung kalakuana nu pikayungyuneun.
“ Mah!! Ayang aya acara malem taun baruan di Anyér, badé sakantenan pengukuhan Ayang janten ketua BEM, Santi sobat dalit Ayang janten sekretarisna. Angkat ti bumi badé dijemput ku Papahna Santi. Please Mah?”
Muhun ati atinya Yang.
Isukna. Reg aya mobil eureun hareupeun imah. Teu lila Santi turun, gegeroan .
“ Tante ! Tante! Kenalin nih Papah Santi!”
Kuring nyampeurkeun. Barang ret, sirah asa kabéntar gelap tengah poé éréng- éréngan , nempo Bapana Santi.

KAYASNA SAGARA KEUSIK

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 15:52:03

Ngagenyas sawening sanubari nu nyacas, panineungan matak waas, ngagagas matak ngahelas, tapi sok sanajan kitu, kayasna tetep béngras, cadu laas sumawona boléas, waktu atawa naon baé moal bisa niklas, hingga jadi ngararas komo mungkas. Pas tur jelas!

Nu geulis bawa ngajadi, kulitna umyang konéng, dedegan lenjang sampulur sampurna. Imut pikareueuteun ngadeuheus tuang raka sabada réngsé sholat Dhuha, sor syahi haneut.

“Tafadhol... ya habibie”
“Syukron yaa ba’ed ‘umrie”
“Tiasa tumaros? Tapi hapunten saacanna, mugia teu jaheut manah?”
“Sumangga... “ bari calikna nyaketan patarema reuma.
“Naha Pangersa... tetep micinta Anjeunna sok sanaos Anjeunna tos teu aya dikieuna? Naha naon kakirang abdi? Carioskeun...! mugia abdi tiasa ngaronjatkeun pangladén kanggo Salira.”

“Deudeuh geulis....., Anjeunna nu pangheulana mercaya kami basa nu séjén mang-mang, hartana korédas dipaké bajuang, kaistikomahana nepi ka rénghap dami pamungkas, dikemas ku niat nu ikhlas! Wajar mun ieu haté can bisa ditaratas! Ya... Humaéroh, katampi pangbakti salira”
“Sodakta... Ya Rosululloh!!!” dipungkas imut.

MAPAG TAUN ANYAR

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 15:51:38

Garudas-garidus. Tas jeung ransel dijéwang hareupeun duaneu. Pamariksaan Bandara DXB Al Makhtoum, Dubai dibujeng énggalna. Ahir taun. Patugas Bandara geus katingali élékésékéng hayang geura rérés. Milu jeung kapal transit ti Frankfurt. Cenah nyimpang heula ka Bandara Bén Gurion, Tél Aviv. Wanci sareureuh kolot, ngagayuh ka tengah peuting. Leumpang dina gang tengah kapal. Rungah-ringeuh, geuning rombongan pakansi Rabi jeung pamuka agama urang Yahudi.

Gék diuk. Gigireun lalaki tengah tuwuh. Buukna maréréngkél maké Yarmulke. Teu loba omong. Biur ngapung. Ngalenggut urut capé beurangna. Hawar-hawar Kaptén Kapal ngabéwarakeun, 10 detik deui baris ganti taun. Na, atuh..

“Téééééttt..Tééééttt..Téééétt..” Panumpang nariup tarompét. Tina tanduk émbé asli atawa tarompét palastik. Lalaki gigireun kuring nangtung méré pangbagéa. Panasaran, sanggeus rérés kuring nanya ka si bapa gigireun téa.
“Amanah tina buku suci kuring saparakanca. Di mana waé, ganti taun kudu niup tarompét.”

Turun di lembur. Sapanjang jalan balik, ting jéléngéng sora tarompét pangbagéa mapag taun anyar.

PABARU

Kénging Dadang Benhur
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 15:46:57

"Hujan deui hujan deui, hujan pabaru Walanda, bujang deui bujang deui, bujang teu payu ka Nyi Randa", kolot ngahariring. Nyindiran. Umur téh geus tilu tilu. Suan gé boga tujuh. Nyita-nyita méméh asup taun anyar téh hayang geus diakadan. Mun seug kolot surti kana eusi haté, moal kudu nyindiran kitu. Loba éta ogé nu nawaran. Ngan asa nawarkeun cué. Teu cerdas nawarkeunna téh. "Pipilih meunang nu leuwih kocépak meunang nu ....", nyindir deui. Gancang ditémpas, "....lenjang". "Atoh aing. Gening satéh normal kénéh hayang nu lenjang téh!", ceuk kolot. "Dagoan ba'da pabaru!", bari huleng deui. Ah. Asal keyeng, piraku teu pareng waé. Miceun deui rumahuh.

EULIS

Kénging Edi Supriyadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 15:15:50

Aya karunya jeung asa boga dosa ka pamijakan téh ari ras ku nasib diri. Rék wakca balaka teu aya pangawasa, da puguh rumasa kuring nu salah. Geus ampir sataun kuring ngagenggem ieu pasualan téh. Lain teu hayang balaka ka anu jadi pamajikan, tapi ké wé néangan waktu nu pas pikeun ngajéntrékeunana.
Tara biasana pamajikan nyampeurkeun ngagaléndot bari semu ogo. Rada reugreug ogé sugan wé geus narima kana kadar kahirupan Rumah Tangga urang duaan cékéng téh sajeroning haté.
"Kang geuningan teu burung laksana anu ditunggu tunggu ku urang duaan salila salila 7 taun teh"
"Kéla maksud Eulis téh naon?"
"Muhun pan Eulis téh ayeuna tos eusi kamari diparios ka Bidan di Puskesmas tos jalan 2 sasih Kang" Bari némpélkeun leungeun kuring kana beuteungna.
Burinyay....jelegérrr.... kuring asa disamber guludug tengah poé éréng éréngan...ngadéngé manéhna nyarita kitu. Tetempoan asa muter.... teuing kudu kumaha. Sataun katukang kuring konsultasi ka dokter. Kuring divonis yen kuring mandul alias hapa.

TIHANG INFUSAN

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 14:58:04

Keur ngajanteng bari ngalamun, ujug – ujug gap kana beuheung, dibedol sangeunahna, karék baham rék eungab kaburu digantungan palastik nu jerona aya caian, langsung wé jempé da inget kajadian mangsa katukang, waktu uing gandéng, palastik na murag jeung bitu, ngalémbéréh cai warna beureum semu oranyeu, goak manusa gigireun, sawaréh rampang reumpeung, aya ogé nu ambek-ambekan, jigana mah pédah mangpaatna penting pisan, mahal meureun hargana.
Dititénan deui palastik nu ngagantung téh, beu geuning maké tulisan deungeun, hayang ceurik macana ogé. “Naha bet hayang ceurik lur?” gigireun aya nu nanya. “nya éta, teu ngarti” jawab uing bari ngabalieur. Tina handapna aya kawas pipah leutik ngambay muru kana tungtung dipungkas ku jarum leutik, congona geus mebes na puhu leungeun manusa.
Uing ngahuleng, geus teu kaitung nempo manusa nu di pasangan cai palastik tea, ceunah mah nambah harepan, manjangkeun kahayang. Uing ngabigeu, tapi yakin sanajan ngan saukur tihang tapi boga mangpaat keur lumangsungna kahirupan.

PADUNGDUNG DI GANRYU

Kénging Rudi Al-Fajri
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 12:04:26

Basisir Ganryu, mangsa purnama narawangan, nyaangan sakuriling pulo. Ècés katitén, ngolébatna kalangkang silihudag, patingbelesat. Dituturkeun tingburinyayna kembang seuneu marengan belentrangna katana. Puluhan jurus geus kasorang, pada jayana.
Dumadak, langit nyidem simpé. Taya ketak, papada ngabar kawani séwang-séwangan. Hégak rénghap marengan amarah. Rasa agul hayang jadi pinunjul, medalkeun kahayang silih cangkalak. Seja marebutkeun ajén diri.
“Peuting ieu, tutunggalan kudu wekasan, teu paduli saha nu bakal ngababatang,” Kojiro ngagerentes, pérah katana digilirkeun , sahibas dada. Tatan-tatan jurus pamungkas. Musashi ukur nahan ambekan, kuda-kuda panceg, sayaga nadah panarajang. Congo pedang patinggurilap, muraykeun jemplingna peuting.
Sakilat, silih tarajang. Jorélatna tan katangen, tarik alahbatan tatit. Séwukna angin marengan silih heumbatkeun pedang. Ditungtungan ku simpé. Sakedapan duanana silih tonggongan. Laju, Kojiro rumanggieung , brek nyuuh. Leungeun kénca tipepereket nahan tatu. Getih bedah ngabayabah maseuhan kikisik. Gumuruh lambak pating jelegur, aweuhanana meulah jomantara, mapag sinatria nu perlaya.

PASRAH

Kénging Tatikurniati N
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 11:46:21

Geus tilu taun kuring laki rabi jeung kang sadun téh. Kiwari rasa kanyaah, kadeudeuh jeung katresna nu kungsi dipiara salila tilu taun sirna sakiceup panon. Aya nu leuwih geulis cenah. Nu leuwih sagala-galana. “Kang sadun nyerahkeun abdi Teh!”, curhat kuring ka Teh Surti. Babaturan sapagawéan.Ngaheruk. Sora dareuda. Ras inget ka nasib diri. Asa diteungteuinganeun. Nya kurang naon. Ceuk batur mah da teu éléh jeung Luna Maya gé. Pangawakan jangkung lenjang. Tigigir lenggik titukang sieup. Beungeut campernik. “Keun sabar wé Yi, tos nasib urang panginten!”, tembal Teh Surti. Ngusapan. Barung nyaah. Selang saminggu. Kring!. Aya sms ti Teh Surti. Bulan hareup rék kawin. Omat-omatan kudu datang. Gok kahajatan. Tohaga. Ramé pisan. Ma’lum meunangkeun jelema aya cenah. Tikajauhan mani katingali geulis pisan. Sura seuri marahmay . “Bagja pisan Teh Surti mah!”, gerentes haté. Cocok pisan. Nu geulis jeung nu kasép. Berebey cipanon teu karasa nyakclakan. Ari gok. Leketey tuur asa laleuleus. Taya tangan pangawasa. “Wilujeng nya, mugia barokah!”, awak ngadarégdég .nahan kapeurih. Ret ka panganten lalakina. “Gustii!”. Pasrah.

KALANGKANG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 10:46:34

Ari itu kalangkang saha nya? Ucang-ucang 'na gumpelan seuneu. Tina embun-embunana ngaburukbuk rupa-rupa kahayang, warna-warni. Kahayang nu toja'iah. Laju ngaberebey. Ngaley jadi minyak. Malah tina panonna, leungeunna, sukuna, beuteungna, jeung tina sakujur awakna. Nyarakclakan kana lombang durukan. Jeguuurrr ...! Seuneu ngagedean. Ngabebela.
"Heeey! Turuuun! Bisi tutuuung!" Eh tonggoy we. Aeh, ngajebian. Itu kalah ngagupayan, ngajakan. Sudi teuing!
Ret ka sabudeureun. Tatangkalan, wawangunan, jeung kebeh nu katempo, kalangkangan. Ret deui ka nu keur ucang-ucang. Alah, naha dirariung? Euleuh itu dikaleprokan. Panasaran. Gustiii ...! Geuning nu ngariung bari nyurakan teh tapak lacak. Harideung lestreng.
Kalangkang saha atuh itu teh? Sakur jelema dipariksa. Di kantor, di pasar, di imah, di saban tempat, di mana-mana, kalangkangan.
Buntu. Kudu neangan kamana deui? Tungkul. Asytagfirullooohal 'adziiim! Geuning kalangkang diri.

KIDUNG TUNGTUNG TAUN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 10:43:56

jumarigjeug mapay kala
ninggalkeun tapak lacak
amacak na lawang jagat
rumenghap
eungap
ngarakacak
ngadigleu mapay hanca
muru ulekan rasa
ngajurahroh lebah kasimpe

BEBERESIH

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 10:39:09

"Hahaha! Mapag taun anyar, nich yeh!" Sanip, nyeungseurikeun Ki Omén, anu keur kusrak-kosrék. Beberesih di imahna. Ngepél ogé, teu sirikna dibalikan deui, jiga nu teu bersih-bersih. Kitu deui parabot nu di jero imah. Ditatab, diusap, jiga nu hayang bener-bener bersih. Rét, Ki Omén ngalieuk ka nu nyeungseurikeun. Pel, curukna diantelkeun kana biwir. Terus ngagupayan. "Kunaon yeuh, aré loba sémah?" Sanip, nyampeurkeun.

"Puguh ogé, tas loba sémah. Marénta saran ka déwék. Ti mimiti hal pagawéan, tur masalah kahirupan." Ceg, kana elap. Gusruk, ngelapan kaca jandéla, bari ngeunteung. "Terus?" Sanip, panasaran. "Ku déwék dibéré saran. Barungaheun euy! Tur, karasaeun loba mangpaat keur maranéhna. Hanjakal! Déwék jadi nepak dada. Adigung adiguna. Sombong! Rasa aing pinter. Tah! kitu, caritana mah."

JAUH KA BEDUG

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 08:47:06

"Menggeus ti mulai isuk mah, eta barudak teh ulah diajarkeun atikan basa sunda!" ceuk saurang gegeden ka bawahanana. "Hapunten Pangersa, naha aya naon atuh Salira teh, bet kumawantun cacariosan sapertos kitu?" tembalna (bari dinu manahna mah kesel kacida). "Yeuh denge ku ilaing, basa sunda mah geus tumpur! Mun dipake geus jauh ka bedug! dipakena ngan hungkul ku urang Jawa Barat, eta oge teu kabeh jelema make basa sunda. Basa sunda mah basa buhun, geus waktuna di museumkeun! Pokona geus jauh ka bedug titik." pokna deui bari seuri semu ngaledek. Si bawahannana teu bisa cumarita deui, antukna ngan bisa ngahuleng (bari dinu hatena galecok "Nu jauh ka bedug teh salira atanapi basa sundana?"...)

BÉ-TÉ-ÉN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 08:28:00

Asa kamari kuring ragot bégalan pati, alatan parebut istri, awéwé calon piindungeun barudak, jeung pamuda tatangga lembur. Toh pati jiwa raga ngabélaanana, ma’lum beubeureuh, pusaka mananah, puputon kalbu téa. Prikitiew pokona mah!

20 taun rumah tangga ngandelkeun ladang ngajéger ngokolakeun terminal, rada lumayan bisa ngeureut neundeun jeung maraban anak pamajikan. Nyobaan ngiridit perumnas, RS8 (Rumah sangat sempit sederhana seselendep susah saré sareng sawaruga), édas taun katujuh teu bisa nyetoran. Pegat kontrak. Gabung jeung PMI, tapi lain di pangungsian, ieu mah Pondok Mertua Indah, Ngahiji jeung mitoha. Kapaksa heneg-heneg gé dilakonan, rumasa teu boga duit keur mayar kontrakan, bisa dahar gé geus untung.

Basa adi beuteung rumah tangga imah mitoha beuki padedet, dukdek, sumpek, kuring ngéléhan maksakeun diri pindah ka Bé-Té-éN, Bumi Tilas Nini, nu réyod balocor, iris.

“Gusti..., pasihan kakiatan sareng jalan sangkan tiasa nyabayuan anak pamajikan!!!” Girimis tungtung taun nyadarkeun kuring nu saéstuna ukur nyangking gelar Jawara Pupulasan.

MATAPOE PUNGKASAN DUAREBUDUABELAS

Kénging Zenal Wahyu
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 08:16:55

Ceudeum, aleum, hieum. Taya hiliwir angin nu biasa ngagerihan nubles kana tulang. Taya rincik hujan maseuhan daun tisuk pipir imah. Matapoe teu guligah.
Nu dianti gancang geura mulang, nembongan!. Singraykeun kamelang, kahariwang. Urang deui rarakitan gebog cau di walungan. Lulumpatan dinu hujan. Mandi di tampian lebakeun tangkal caringin.
Sore di galengan sawah, pageye-geye ngawaskeun manuk piit nu keur silih udag. Macakrama jeung baturna di luhureun koneng umyangna pare. Katiup angin lir lambak sagara nu keur ngaayunambingkeun rasa.
“Kang…” Leungeuna nyampay na taktak.
Ah… sorana, seurina, teuteupna, ngambekna matak katurelengan. Ayeuna geus abadi di sagigireun nu Mikaboga. Tumetep di tempat nu saenyana.
Kiwari walungan ngahgar, ngakarenkeun batu taringgul. Caringin rungkad, caina koredas. Jurig jeung nu ngageugeuhna ge duka marakayangan kamana.
sawah karurud caah. Kebon, pasir, leuweung tempat urang ngasruk neangan buah salam jeung kilalayu tos teu mangrupa. Nyesa pajaratan pinuh ku eurih, tos teu pikakeueungeun.
Isuk durebutilubelas, nu dianti bakal mulang?

ANALOGI PAMEUNTEU

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 07:38:46

Rada éra parada basa ngajarkeun matéri Alat Reproduksi Wanita téh, tapi basa dipikir dibulak balik, geus teu sakuduna kuring ngagem faham kitu sabab kalolobaan barudak ayeuna geus biasa lalajo gambar porno nu leuwih ngaruksak, dina hapé, internét, gadgét jeung lianna.

“Barudak..., maranéh geus ditugaskeun pikeun ngajéntrékeun kecap-kecap Fibré, Tuba Fallofi/Oviduct, Ovarium, Uterus jeung Vagina. Pikeun ngayahokeun lebah-lebahna, bisa disaruakeun jeung beungeut urang. Mun sapasang halis dianggap fibré maka dua garis ti halis ka irung éta bisa dianggap oviduct/saluran pianakan terus cukang irung éta uterus/rahim, sedeng sapasang panon sarua jeung sapasang ovarium/pianakan nu ngahasilkeun ovum (binih ti istri), baham, mangrupi vagina/ palawangan istri tempat asupna spérma (binih ti lalaki)”.

“Pami baham, anatomina sami sareng vagina, maknana teu kenging tambarakan nya Pa!”
“ Huuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuu...”
“Tegep...” cékéng, jero heureuy budak téh.
“Samalih keur barudak istri kudu rareueus jeung bisa ngajaragana, aya organ awakna nu dingaranan maké Asma Ul Husnaa,...naon cobi?”
“Rahiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiim.” Saur manuk.

WILUJENG SUMPING

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 07:00:17

Blus ka lobi hotél. Bapa Diréktur ngarengkog. Teu jadi abus. Geuwat ngageroan supir. Ngajak balik.
"Kunaon Pa, teu cios muka acara Gunting Pita?"
"Teu wasa, Basa Indung ukur jadi kékéséd!" pokna hanjelu.

ARTEFAK SAUNG LISUNG

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 06:08:38

Cumeluk nembus sang waktu. Kumareumbing malipir wanci. Ngojayan sagara cimata nu geus pacampur jeung hangruna getih pangwisaya.
Masih aya galindeng tembang hawar-hawar ti palebah nyangkrungna leuwi sipatahunan, nu nyumput karimbunan kandelna halimun pabeubeurang. Sorana melas-melis lir anu kanyenyerian.
Sunan Ambu anteng ngawelah angen-angen pangharepan, ngudag raratan panineungan nu beuki samar ngajauhan.
Dina lengkob hate nu caneom, dipindingan dapuran manjah nu ngarangkadak, geuningan palebah dinya Ki Sunda bumetah.
Sunan Ambu geuwat muru, ngarungrum tutunggul nu geus kabulen ku kandelna lukut.
"Ngan tinggal paesan, tangka euweuh nu haat miara....!" sumegruk bati nalangsa, cisocana ngagulidag jadi caah rongkah nu ngaleled sagalana.

KARETA API PEUTING

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 03:03:10

Kareta Api laju dina relna. Mapay-mapay mongklengna peuting, Kuring tepung jeung Manehna. Resep jeung bungah miboga batur sahate jeung sapikiran.Teu weleh sempal guyon suka seuri bari jeung uplek ngawangkongkeun kahirupan. Di hiji statsion, Manehna imut dareuda. Ngebrehkeun yen urang kedah paturay, da enggeus tepi tujuan. Kareta Api laju deui dina relna. Mapay-mapay mongklengna peuting, mawa Kuring nu kari, nunggu waktuna di tepikeun ka tujuan.

TAROMPÉT

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 01:24:36

Reup magrib ngagimbung hareupeun masjid. Karpét ngéntép. Mang Sukron kerung nénjo Jang Ustad mamawa tarompét. “Aya acara naon?” neuteup. “Tinggaleun ari Amang! Pan nyambut taun anyar!” walon Jang Ustad. “Saurna teu kenging kikieun téh?” kerung. “Cék saha Amang?” malik nanya. “Waktos sasih kamari mamang badé mapag taun énggal Hijriah diwagel sanés?” neuteup seukeut. “Bid’ah éta mah! Lamun ieu Maséhi, béda!” tuluy niup tarompét.

NU LEUMPANG SARIAK LAYUNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 00:57:43

"Énggal mapahna Nyai, bilih kabujeng magrib. Mangkaning seueur kénéh."
"Capé Ma."
"Sanggem Ema gé antosan di bumi sareng Aa. Karokét, bala-bala, géhuuu...! Goréngaaan...!"
Dédéngéeun. Sorana cempréng. Nini Sarji terus ngurilingan lembur. Nanawarkeun daganganana.
Emh ...! Teuing jimat naon nu diagem, diteundeun jero dadana. Sakitu rusuh, éta basa ka incuna nu ngingiclik, meni handap asor pisan.
Éra! Salaku tatangga, nu apal kumaha tihothatna Nini Sarji ngurus incu satilu-tilu, jaba laleutik kénéh, bari ukur ngarah tina dagang goréngan. Éraaa ...! Hiji kalangkang ajengan, purah mapagahan, jegud, lumpat kapanasan. Laju ngalayang, kokoléaban kabawa angin. Blus kana umpalan layung. Gegerepekan.
"Ni Sarji kadieueueu!"
Culang-cileung, néangan nu nyalukan. Kapanggih. Horéng Nini Enjum pantaranana.
"Ih geuning geus tariis, laleuleus."
"Manawi, lami teuing kapegat hujan."
"Hiji wé ah." lung duit lima ratus pérakan kana nyiru.
Katampi Gusti. Mugia ieu kékéngingan barokah, cekap kanggo neda dinten énjing.
Basa layung surup, sésa dagangan dirécak incuna.

NU LEUMPANG SARIAK LAYUNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2012 00:42:36

"Énggal mapahna Nyai, bilih kabujeng magrib. Mangkaning seueur kénéh."
"Capé Ma."
"Sanggem Ema gé antosan di bumi sareng Aa. Karokét, bala-bala, géhuuu...! Goréngaaan...!"
Dédéngéeun. Sorana cempréng. Nini-nini Sarji terus ngurilingan lembur. Nanawarkeun daganganana.
Emh ...! Teuing jimat naon nu diagem tur diteundeun jero dadana. Sakitu rusuh, kaburitan, éta basa ka incuna nu ngingiclik, meni handap asor pisan.
Éra! Salaku tatangga, nu apal kumaha tihothatna, Nini Sarji ngurus incu satilu-tilu, jaba laleutik kénéh, bari ukur ngarah tina dagang goréngan. Éraaa ...! Hiji kalangkang ajengan, purah mapagahan, jegud, lumpat kapanasan. Laju ngalayang, kokoléaban kabawa angin. Blus kana umpalan layung. Gegerepekan.
"Ni Sarji kadieueueu!"
Culang-cileung, néangan nu nyalukan. Kapanggih. Horéng Nini Enjum pantaranana.
"Ih geuning geus tariis, laleuleus."
"Manawi, lami teuing kapegat hujan."
"Hiji wé ah." lung duit lima ratus pérakan kana nyiru.
Katampi Gusti. Mugia ieu kékéngingan barokah, cekap kanggo neda dinten énjing.
Basa layung surup, sésa dagangan dirécak incuna.