Desember, sibuk ngolah data pembukuan, tutup buku taunan. Matak jangar.
Mulang ngahaja ngaleuirkeun maneh, kahayang mah ulah kapegat macet, wegah nambahan jangar. Tapi angger we kabagean keneh ngoray. Keur anteng dina antayan, aya wanoja ngetrok kaca, menta tumpangan, alamatna sajalur jeung manehna. Teu loba pikir, padu unggeuk ngamanggakeun. Wanoja diuk di tukang. Anjog ka tujuan si wanoja, manehna reuwas kacida. Wanoja kapiuhan.
Mobil dipengkolkeun ka klinik.
"Istri anda kecapean, sedang hamil enam minggu." Manehna molohok, wanoja ngaku manehna salakina.
Manehna teu narima, laju tes DNA. DNA teu cocok, tapi hasil tes kesuburan ngavonis manehna mandul. Cul wanoja, manehna neruskeun muru imah.
"Lamun aing gabug, ari budak nu tilu di imah... "
Sebel, padahal mah gara-gara anyut ieu téh, tapi Si éta mah teu disalahkeun, malah kuring nu dilandih goréng. Rumasa kuring cruk-crek tara lana mangsa boga salaki, lima siki anak kuring ti lima lalaki nu geus nitipkeun binihna ka rahim ieu. Dulur anjing. Teuing kunaon dodoja rumah tangga jadi bibit buit baruntak. Lain teu sedih jeung hanjelu tapi meureun kieu titis tulis kuring.
Budak loba, pangala leutik malah kadang suda. Nungguan kiriman ti bapa-bapana, malah matak soak. Sangeunahna wéh hare-haré. Mangkaning meujeuhna bilatung dulang.
“Mah Si Dede utah” nu cikal laporan. Geus lila budak kaserang muntabér. Nu panengah harééng, duit euweuh sangueun beak, Kokoro nyoso, malarat rosa.
“Gustiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii kudu kumaha? Naha kamana lalaki nu kungsi ngayuga ieu budak?”, bari neuteup langit kalawan ceuceub.
“Cekiiiiiit … Jeger” nu malaweung meuntas kasérémpét mobil. Kapiuhan. Budak nu limaan sing aringhak di sisi jalan nungguan nu keur ngamén teu hasil-hasil.
Tunggul-tunggul aranteng neuteup bulan, rarentul lir paésan nu minuhan lemah nu buligir diucutan wanci, angin nu maju ka hilir mawa seungit taneuh sésa kahuru. Aya waas, aya kagagas, ngahunyud lebah kalakay jeung saliara nu masih ngelunkeun haseup.
Huma nu lénglang, dipageran jarekjek rasa, teuteup nu terus ngajaul ngapung ka langit, miheulaan léngkah nu kalah kandeuh lebah handeuleum. Karampa aya beueus, sirung nu milu alum nyeueung usum, rimasak disimbeuh reumis, seueul jeung peurih
"Jungjunan, leuweung deudeuh kembang haté kakasih akang, geuning geledegana rasa urang bet kudu pungkas ku kieu carana, tumpur tina dada, nu nyésa ukur jugang-jugang nu boréas lebah tunggara."
2012.
Mang Liman keketeyepan. Jéngké. Ngatur léngkah sangkan teu nyoara. Inggis ngagareuwahkeun nu keur tibra. Sup ka kamar. Rénghap Nyimas Sariratu kadéngé anca. Aweuhana ngawirahma. Halimpu. Mang Liman peureum sakeudeung. Ngararasakeun geleserna getih nu ngadadak haneut. Beunta. Tuluy uyup-ayap kana témbok. Dampal leungeun nyelecep. Lampu dihurungkeun. Caang. Kaayaan jeroeun kamar atra. Nyimas Sariratu ngageubra. Mangréwu siraru ngantay. Hiji-hiji mebes. Leungit lebah panonna nu keur peureum. Aweuhan rénghapna tetep ngawirahma. Halimpu.
Bulan mabra.
Budak, neuteup bulan, ngumbar implengan, ”Alus pisan bulan téh, nya bunder, nya caang. Aya naon di jerona? Numpak naon mun hayang kaditu? Sabaraha lilana perjalanan?"
Rumaja, neuteup bulan, sasadu “Duh bulan, pangdugikeun salam kuring , ieu angen banget kangen ka anjeuna.”
Kolot, neuteup bulan, kukulutus “Geura pareum siah bulan! Padaringan geus korédas. Ongkoh deuih bapana budak geus teu betah kasémahan ku sia!”
Remaco, neuteup bulan, ngahaleuang, ”Cahyaning wulan nrajang pucuking cemara. Angin kang teka sasat nggawa gending tresna. Banyu bengawan sinorot cahyaning wulan. Lir sewu dian, alerap gugah kenangan.”
Hayang jadi Présidén, ngan amit-amit, lain di Nagri ieu! Nagri nu sejen. Kabéh rahayatna, kudu karasép jeung gareulis. Ti budak, nepi ka kolot, euweuh nu goréng patut.
Tinangtu bakal jadi pang deudeugan Nagara tatangga, ogé ti jauhna. Jadi Obyék Wisata. Malah jadi bahan panalungtikan para ahli. Loba nu hayang nyaho, naon nu jadi dadasar Nagri. Pangeusina, kasép jeung geulis wungkul. Réwuan delegasi Nagara deungeun, ngahaja daratang. Ngaliud dina émpér Istana.
Jebul Aparat Nagara, mawa puluhan orok beureun, karék jrél. Asup ka rohangan Laboratorium. Teu lila, patugas Lab. dibarengan ku ahli ramal, ka luar deui. Ngadeuheus, unjukan ka Présidén. “Pres, sakumaha biasa, orok parantos dibagi dua kolompok, A sareng B.” “Alus! kolompok A, pulangkeun kakolot-kolotna, sina dipiara. Bekelan waragad hirupna, nepi ka budak manjing déwasa. Kolompok B…” Eureun sajongjongan, panon ngulincer neuteup, sakur nu hadir. Neruskeun omongan, “Ruang kérépés!”***
"Cantik menyakitkan...." ceuk Yuni, daria.
"Naon téa, bet jol cantik menyakitkan baé..."
"Éta. HIV-AID...."
"Euh...enya nya, geulis nu mawa mamala téa...
"Tah éta...."
Awak cangker badan keker. Asa gagah. Harta banda lan dunya barana ngalayah. Leumpang tanggah gandeuang taya kamelang. Teuneung ludeung. Dina baju ngagaplék ciri pupuhu. Ngalengkah bari balangah. Suku nincak cangkang cau. Seureuleu,.. bru nyuksruk..! cau aduy ka cucungur. Anu hormat pada minggat. Pangkat teu mawa maslahat. Hirupmah hirup tapi ngaléhléh kawas nu paéh.
Di luar hujan ngagebrét, lir dicicikeun ti langit, ngarumeukeun kaca jandéla. Hawa mingkin tiis nyiwitan kulit. Geuwat nutupkeun panto jeung jandéla.Dipatengahan, sora nu éak-éakan nu lalajo méngbal balap jeung tijelegérna guludug. Kuring muru ka tengah imah, gék tukangeun salaki jeung barudak nu keur husu lalajo tipi.
“Abi, Indonésia pasti alah,” ceuk si cikal ka bapana. “Pasti, mereka kan bangsa lemah,... Hahaha,” bapana nyaluyuan, aya nu nyelekit jeroeun dada. “Huuh, Indonésia lancung, Bi! Mainnya keras,” si bungsu mairan. Kuring ukur molohok kana tipi bari ngararasakeun peureusna wangkongan salaki jeung anak. “Goooooool, Indonsia alah! Indonsia alah, hahaha.” Tiluan ajrag-ajragan, kuring teu dipaliré, haté ngentab.
Cengkat muru ka kamar, kop kana koper, méméres baju, sup kana kopér. “Abi, Nasrul, Ali, … Umi na’ pegi ke Indonesia,” bari muka panto, cimata bedah teu katahan. Rurusuhan kaluar ti imah, meulah kerepna cihujan. “Hadé goréng, nagara aing,” haté ngageremet, teu eureun-eureun.
Manéhna neuteup anakna nu karék umur bubulanan, cipanonna nyurudcud. Mamala dosa bet kudu nurun ka anakna. Ras ka mangsa lalagasan, gunta-ganti pasangan, ngumbar birahi ka nu buni, pruk kawin jeung Jaka, ruruntuk narkoba. Manéhna nyusut cimatana, laju neuteup anakna nu ceuk dokter katerap HIV/AID.
“Sabar Nyai, bongan salah urang, teu kudu silih salahkeun…” ceuk salakina, sorana kacida peurana.
Mulang tugas ti luar kota, saminggon campleng, wanci Isya kuring sholat nanggung bedug, katingali pamajikan ngurunyung ditiung ku mukena terus salin maké pakéan rada ménor, gék kana lahunan, sabada nyetrékeun Tivi nongton ménball Indonesia ngalawan Malaysia.
Mimitina daria lalajo téh, pas dua enol asa sempeg ningalina. Manéhna ngalémpar imut kick off, kuring ngagiring leungeun ngagiriming kana bagian sensitifna. Bola dicékel diulinkeun kugocékan nu beuki lila beuki ngencengan. Bola dioper katengah diudag bari ngahégak, golépak nangkarak basa tipolését katindihan ku awak. Papuket silih réngkas baju udaran bakat ku rosa parebut bola. Serangan beuki deukeut ka gawang, sahabekna ditendang kuring ngajengkang. Gooool kedudukan hiji-hiji. Bisa bareng dina waktuna.
Bola di titik bodas, kick off deui. Gocékan beda wanda jeung variasi. Loba maén atas, sakali-kali umpan pendék. Priiiiiiit. Pelanggaran! Finalti teu bisa dilaksanakeun. Perboden Palang Merah. Hade na geus meunang gol. Salajengna silih usap “pendinginan.” Dilarang mindo.
Asup kajero pasar. Aneh? Nu daragangna henteu kabeh utuh jelema. Belah ditu, aya nu sirahna mangrupa oray. Belah dinya, ih mangrupa begu jeung monyet. Silih herengan. Eta jongkona atuh meni pahareup-hareup. Beuki beurang pasar beuki rame. Nu balanjana pabaliut. Sarua, teu utuh jalma kabeh. “Is, euiss,,,” kuring ngalieuk kanu nyalukan. Hiji awewe lenjang nyampeurkeun, ngan sirahna anjing “Nitip duit keur Utis, bejakeunnya. Kang haji keur dines ka Jakarta. Jandela kamar, biasa teu ditulakan kitu nya!” Kuring nampanan duit, jadi nguniang sono ka Utis. Adi beuteung, bapana sijabang bayi nu kara tilu bulanan na jero beuteung. Kaluar ti pasar. Clak kana sado. Ret ka kusir. Sirahna anjing, nyerengeh ka kuring. “he he. Genep bulan deui balik ti malasia salaki teh nya Is?” Kuring teu nembal. Ngeluk tungkul neuteup beungeut dina eunteung leutik tutup wedak. Aya sirah anjing, nu cipanona ngeyembeng.
Kuring datang,luyu jeung pesen dina sms. Urang patepang di kelas anu paling pojok rada nyalingker… nyingkur.
Séah sora budak…, Mirig séahna galura rasa Nu sing sariak teu paruguh
Dina implengan geus diréka sagala cara. Rék anu, rék itu jeung si manéhna. Tapi basa réma patarema, Sagalana paburantak teuteup geugeut nu ngabeungkeut, nalian letah jadi balelo, ngabalukarkeun getih ngagolak… sing sariak
Kuring geus teu bisa ngabédakeun, Ieu téh cinta atawa dodoja? Basa teu ngahaja silih galéntoran di tungtung soré harita, teu lila ukur sarangkulan, ngalubarkeun galura tresna. éndah karasana … tapi bet culang-cileung ngalakonanana, karasa aya nu béda,basa anjeun menta diturunkeun di tempat séjén… padahal padumukan salira kalintang caketna urang duaan miceun salasah nyimbutan tepang anu teu sah.
“Aa, acuk Aa ning seueur rambutan?” pamajikan nanya daria
“Rupina acuk teh pacampur di Laundry manawi”
“Tapi ning na acuk Aa, aya tilas citakan lambey, lipen?”
“Nu hareureuy tamah Nyi, babaturan Akang, tong curigaan teuing” rada nyeuneu.
Saheulaaneun, panaya pamajikan kajawab kalawan nyugemakeun, plong…! Tapi angger baé hemar-hemir, teu bisa dibobodo. Lalakon di luar kota, basa paamprok jeung kabogoh baheula, nu curhat masalah pribadina, harita asa jadi Arjuna nu nyalametkeun nyawa Srikandi. Lalakon téh diputer deui ku proyéktor implengan, gunta-ganti kokolépatan na kongkolak mata, ngan édas jiga nu ngaléléwé, teu cara basa dilakonanana.
“Bapak kenal poto orang ini? Dia téwas OD di hotél dua hari yang lalu, tanpa idéntitas”
“Kaitannya dengan saya apa Pa?”
“Di tas ibu itu ada bingkisan BH mérah, alamat dan nomor HP Bapak!” Ceuk Pulisi tandes. Urusan jadi panjang. Teu bisa nyingcet atawa mungkir komo ngabecir kawas ka pamajikan.
Mama Ajengan nuju ka luar kota. Aya nu ngangkir ceramah. Kitu deui Lurah Santri keur balik heula ka lemburna. Memeh mangkat, Lurah santri amanat ka nu aya di pasantren. "Aranjeun kudu dialajar dewasa. Omat. Keur ngimaman shalat, wayahna ku Ohim wae da pangkolotna di dieu," ceuk Ki Lurah bari melong Ohim nu ngadadak piyas beungeutna.
Pas Magrib, masjid geus pinuh. Ohim ka hareup. Jadi imam nu munggaran. Duka kunaon, Ohim takbirna sababaraha kali. "Allooooohu Akbar...!" cenah, tapi teu lila leungeunna turun deui. Takbir deui. Kitu jeung kitu we. Salah sahiji santri nu ngaranna Dodo ka hareup. Tuluy ngabedol awak Ohim bari nyarita, "Geus ku uing imamna lah!"
Dodo ka hareup ngaganti Ohim. Terus takbir, "Allooooohu Akbar!" Teu lila manehna malik ka ma'mum bari nyarita,"Nyaaa... ku uing mah ngan sakali!"
"Naon alatana Para pangagung nu manggung, paburu-buru ngajugjug Panggung kalu`uhan?... Kadang-kadang tara mawa-rasa rahayat nu sakarat, sing-sarwa malarat ku ka-ayaan, sagala darurat. Kadang aya pangbibita nu teu sabaraha aya pandangan kahareupna hayang nyalon jadi pang unggulna, pangluhurna, pang payusna ................... Bingung Uing mah......!!!".
Beurang jeung peuting taya bédana, gurat tapak geus sirna kabawa ku cupumanik astagina, nu kari ngan ukur kanyeri bari ceurik ngageuri alatan supata ti nu ngayuga, rupa jadi wanara .
Geus puguh ayeuna mah da umur geus cueut ka hareup panyakit limpeuran geus lila teu leungit-leungit.
Kring HP di sada, diantep we da puguh titadi neangan kaca panon can kapanggih, SMS kring deui kring deui .
" Pa HP disada teu diangkat !" ceuk indung budak
" Wios ah paling ge ngawartosan rapat enjing "
Keur kitu kring deui nada panggil nu ieu mah. Indung budak ngagentraan deui " Eta si apa HP di antep wae nuju naon atuh?" indung budak keuheuleun semuna.
" Nyaeta titadi teh lieur apa teh milarian kacamata hilap deui sokna "
" Dasar limpeuran, duka teu ningal mamah mah ti tadi ge "
Keur kitu jol incu anu umurna karek lima taun. " Heuheuy deudeuh.... ci babeh siga nu nyanyi kabogoh jauh " bari mengkek bahamna
" Naha kumaha kitu sayang ?"
" Hihi...... kacamatana disimpen dina kepala !"
Astaghfirullohal adzim ieu geuning dina sirah paingan diteangan ka mana-mana teu kapanggih.
" Talian geura meser rantena di optik ! " ceuk indung budak nyerengeh.
Kuring, anjeun, reujeung manehna. Geus sapatemon, karana nafsu.
Anjeun, mere angkara murka.
Manehna narima ku sirik pidik, jail oge kaniaya.
Terus kuring, kumaha?
Kuring katempuhan, nyangkewok na pangberokan.
Alatan korupsi, pungli, oge nepotisme.
Angin peuting ngulisikeun dangdaunan, laju nyéléké kana sela-sela bilik, rintih pisan ngusapan keretas dina rol mesin ketik, aya opat jajar kalimah, unina, Novel Munggaran. Geus loba penerbit nawaran manéhna kudu nyieun buku, aya sponsor anu daék nalangan pikeun waragadna. Tulisanana mindeng aya dina surat kabar, dina majalah, malah kungsi di pangdungdengkeun alatan eusi karyana ahéng jeung hélok teu siga pangarang kiwari. Wanci geus janari leutik, kopi kari gegedohna, kuntung balatak, rokona geus béak. Hate leutikna nyoara” Gening nyieun karya teh kudu aya karidoan batin, lain udagan hayang kakoncara”. Keretas dina rol mesin ketik dicabut, jadi sakeupeul. Isukan rek nawaetu nyieun buku, judulna, ” Novel Pamungkas”, aya lima puluh lambar keretas kosong. Eusina, keun wae sina diareusian ku anu meuli, kumaha kahayangna, nu meuli, apan raja cenah.
Girimis teu reureuh, ngadoja nepi ka sore. Karasa, beuteung murilit. Sabab ti isuk mula, can ka eusian.
Teu karasa, neureuy ciduh sorangan.
"Ya, Allah" Hate ngalengis, ngajerit kanu maha suci.
Era ku diri sorangan, wirang di kolong catang. Tong boro ngurus kulawarga, geuning awak pribadi ge kakurangan.
Rus ras ka pamajikan, oge barudak. Nu meujeuhna, bilatung dulang.
"Hampura nyai, hampura ucu"Ceuk hate, bari nangkeup karung jeung gacok.
Girimis beuki kerep, marengan hate nu balilihan.
Rasa sono marudah minuhan dada. Kuring hoyong nepangan salira dina kasempetan nu moal boa ngan saumur hirup sakali. Tapi, kuring teu apal kumaha pameunteu nu cenah salawasna béar marahmay salira. Teu terang kumaha pangawakan nu cenah gandang salira. Ceuk batur mah dedeg sampé rupa hadé, luhung ku élmu jembar ku pangarti, beunghar harta beunghar harti. Leuwih ti éta, kuring teu nyaho saha jenengan asli salira.
Kokotéténgan, kukurilingan. Luak-lieuk ka ditu ka dieu, di antara jajaka nu maraké baju pangsi jeung iket. Haté ngagerendeng, ”Naha salira aya dina réngréngan aranjeunna nu mikacinta budaya Sunda?” Euweuh nu ngajawab.
Kuring ngadu’a, ”Nun Gusti, mugia anjeunna kersa nepangan sim kuring, saupami aya di ieu patempatan. ”
Lengo deui, lengo deui. Waktu beuki nyerelek. Nepi ka acara lekasan, taya hiji gé jajaka nu nepungan. Reup, haté kuring barobah saperti pulas baju pangsi. Lalakon urang mémang semu, lir ibarat dunya nu diancruban, maya. ***
Angin ngadalingding, na pucuk eurih. Sorana, lirih ngilisik. Patempatan, nu sepi jempling. Matak betah, pikeun reureuh.
Ka ambeu, kembang malati. Seungitna, minuhan rohangan irung.
Nu keur reureuh, beuki tibra. Na handapeun samoja, kalereun kiara.
Brung! Indung genjring ngagentraan. Kempring niringtring. Ditémpas koték nérékték. Crék! Crék! Marwas ngecrékan. “Magadiiiiiir.. Magadir ya ghalbil 'ana. Magadir wisy dzambi ‘ana. Magadiiiir..”
Gapruk! “Naon éta?”
Tingjorowok. Nu lalajo paburencay. Panggung eundeur. Laju ka patengahan. Nyéréd ka juru. Paburisat. Tingjarerit. Nangtung. Didengkék. Jekuk!
“Anying! Aing mah kontrol!” Nyegak bau arak.
“Koplok! Teu ngahargaan nu keur hajatan, siah!”
“Biasa wé atuh, anying! Didieu mah rék hépi-hépi! Nya sori wé! Cirikeun nu bieu ngajekuk, anying! Digulung siah ku barudak aing!” Plak! Dicabok. “Gusur ka tukang!”
Der deui tagonian. Tingkaleprok.
“Budak mana manéh! Mana baladna! Teu ngahargaan aing!? Rék ngacowkeun!?” ceuk Wa Haji, nu boga hajat. Hapuk! Cor getih tina liang irung.
“Tos, tos, Wa Haji! Keun, urang béréskeun ku abdi!” ceuk RT.
“Keuheul tuda!”
“Ké, ké, ké, geuning Wa Haji gé bau arak?”
“Saeutik, anying!”
Tagonian mingkin awor. “Banyak yang cinta damai, tapi perang makin ramai.. Bingung-bingung ku memikirnya..”
Muha FB, katingali aya 1234 pesan
" Will u marry me?" ti Mudassir
" Hi sexy" ti Ibro
" Kamu cantik" ti Abdul.
" Hi pretty" ti Michael
" I miss u " ti Julio
" I luv u " ti Rupesh Sharma
" teu acan bobo, Geulis ?" ti Kang Maman.
muka pesan ka - 1234
" Kamu tidak cantik, cuma banyak gaya" ti Ceu Tuti.
Kuring seuri sorangan
Melékan, ngajagaan sangkan satiap hak pilih teu dihuapan ku anték-anték lawan, nu méré sogokan, dina wanci carangcang tihang. Serangan Pajar.
Tarohan mahabu, duit balatak dihéroan ku nu lélétak, bari nandonkeun ngaran-ngaran nu can tangtu haténa sapuk milih pamilon, ngabudi ucing.
“Kang, nyanggakeun artos transporna, kadeudeuh ti ‘balon’ Jagong,” bari ngeupeulan amplop nu jerona duit 250 rébu. Undur nu kahiji jol nu séjéna, lima badéga pamilon méré bari ngébréhkeun balitunganana. Disetél.
Pamilihan padungdung, éar, ceuyah, meriah, mararotah, pacowong-cowong ngajual diri. Mangsa ngitung, laju maca kaputusan jumlah sora, aya opatan nu kapingser, jeung hiji nu seuri mawur. Bagja? Tandawuruh nu dumuk marojéngja da hareupeun hutang geus ngabedega, ngahalangan pancén nu bakal kasorang.
Kiwari rahayat séah, misah jiga minyak. Beungeut nyanghareup ati mungkir, nu penting beuteung buncir. “Nyanggakeun Béas Raskina, nampi artosna” Pray….. lamunan buyar. Nu baheula jugala jadi jawara pilkadés, kiwari tetep jadi lurah, lur teu diarah alabatan runtah.
Jempling. Saeusi rohangan ngeluk tungkul. Daria naker. Dipelongan hiji-hiji ti hareup nepi ka tukang, euweuh nu wani luak lieuk ka sisi ka gigir. Jung kuring nangtung. Leumpang lalaunan, ngurilingan rohangan. Nu kaliwatan, aya nu rét nempo, belenyéh imut bari malikeun kertas soal. Aya nu kerung maca, bari terus ngahapus lembar jawaban. Aya nu semu era, bari lalaunan nyumputkeun modul ka kolong méja. Kuring seuri, keom. Disampeurkeun, "Punten, nya, Bu..." bari ngarawél buku ti kolong méja. Tirilik. Kadéngé sora hénpon. Halon. Ti barisan tukang, leungeun si Bapa geuwat ngasupkeun hénponna kana saku kaméja. "Handphone-nya tolong matikan ya, Pak!" Kuring ngagelenyu imut. Ma'lum. Si Bapa unggeuk.
Rét kana leungeun, nempo jam. Laju ka hareupeun kelas. "Waktu tinggal 15 menit lagi!"
Ariel geus dikaluarkeun, malahan geus manggung deui dimana-mana. Luna Maya, kacaturkeun geus ganti kabogoh sababaraha kali. Tapi khotib, masih nyabit-nyabit kénéh dina khutbahna. Bubar jumaahan, salah saurang jama'ah kutuk gendeng. Pokna téh :"Solat uing teu khusu, nginget-nginget deui vidéona...."
Rebun-rebun geus kalangkang-kolongkong ka handapeun tangkal cengkeh naha ka mana si jago subuh ieu mah teu kadenge kongkorongok sakali-kali acan. Haben diguliksek sabudeureun kebon weleh te kapanggih. Wah cilaka aya nu maok ieu mah. Dipenta ku nini mah kamari teu dibikeun da lebar mangkaning turunan pelung.
Pasosore rek ngaji ka madrasah ajengan Ma'mun dicaritakeun ka batur ngaji yen si jago aya nu maok.
" Wah..... bangsatna ge lobaan eta mah, malah ajengan ge kabaud." ceuk si To'un bari seuri.
" Gagabah maneh mah ngomong teh kumaha mun kadangueun !" ceuk kuring.
" Kapan peuting teh urang ngaliwet pipir madrasah, beasna ti ente minyak kalapa ti si Tarmo, hayamna ti uing, kapan ajengan oge ku urang diajak makan bersama.
" Jadi hayam jago nu kuring eta teh nya ?"
" Nya enya atuh da uing mah teu boga hayam, ente ge milu ngadahar kapan, sagala rupa ge ari berjamaah mah ni'mat "
" Jadol teh...... nya beasna nya hayamna uing kacolongan."
“Bray! Aya motor séwaan nu mesinna waras kénéh teu?”
“Aya Bos, indréyen malah,” ceuk baturna.
“Naha indréyen maké diséwakeun?”
“Ieu mah lain rék diséwakeun, Bos. Tapi over kridit. Nu bogana teu kuat nyetoran."
“Oh kitu, nya teu nanaon. Ngan ditest heula tilu poé mah. Tong jiga nu kamari, overseas 1.0, teu bisa lumpat.”
“Béyés, Bos. Nu ieu mah infona A1. Masih ségelan.”
“Tongkronganna kumaha?”
“Modis Bos, sadelna assy kulit Cirégang, ulesna badis si Layung , domba jawara téa. Rasana chokodot Tarogong, Bos, ” bari pepeta.
Si Bos unggutan-unggutan, beuki kabita hayang geura clak numpakan.
Der transkasi . Luwé luting ku si Bos dicoba. Dipaké slalom, turing jeung gréstrék. Nincak poe kaopat, “Bray, Bosen euy! Kuma mun dipulangkeun ka nu bogana?”
“Waduuuh..! Kumaha uing nyaritana nya Bos?”
“Kuma dinya wé, diatur sabisa-bisa. Ieu keur urusan itu-ieu mah,” bari ngasongkeun amplop coklat ukuran badag. Ditampa ku baturna bari jeung hemeng pikiran.
Langit mongpléng, reueuk mingkin kuled. Rayat Tumaritis tinglaliud bari humaregung. Dieurad sasalad. Lurah Semar rawah-riwih, ngadeuheus Batara Kresna. Kasampak Batara Kresna keur andekak, muka ogan lopian. “Cobi Agan, énggal geura buka dina ogan lopian, manawi aya isarat, kanggo ngungkulanana,” Semar semu ngalengis. Ogan lopian dibuka, Kresna gogodeg bari kerung. Nu araya mencrong beungeut kresna. “Beu, cilaka, geuning bet bureng kieu,”pokna, rumahuh. Laju nangtung, kojéngkang kaluar karaton, bari ngajingjing senjata cakra. belesur dipentangkeun ka awang-awang, mapakan langit. Bray caang. Ger, rayat Amarta surak. “Cobi ogan lopiana cuang setélna di alun-alun Gan, geura mo burung saé ayeuna mah sinyalna,” Si Cépot nyelengkleung. Kresna ngagugu. Bring ka alun-alun. Ogan Lopian disorotkeun kana layar. Bener wé. Ana bray téh, aya gambar gedong sigrong. Ngan anéh, bet utey ditapuk ku beurit. Barang keur kitu, rayat Amarta muru layar. Layar dituar disasaak. Dumadakan langit Amarta angkeub deui. Teuing nepi ka iraha.
Langit mongpléng, reueuk mingkin kuled. Rayat Tumaritis tinglaliud bari humaregung. Dieurad sasalad. Lurah Semar rawah-riwih, ngadeuheus Batara Kresna. Kasampak Batara Kresna keur andekak, muka ogan lopian. “Cobi Agan, énggal geura buka dina ogan lopian, manawi aya isarat, kanggo ngungkulanana,” Semar semu ngalengis. Ogan lopian dibuka, Kresna gogodeg bari kerung. Nu araya mencrong beungeut kresna. “Beu, cilaka, geuning bet bureng kieu,”pokna, rumahuh. Laju nangtung, kojéngkang kaluar karaton, bari ngajingjing senjata cakra. belesur dipentangkeun ka awang-awang, mapakan langit. Bray caang. Ger, rayat Amarta surak. “Cobi ogan lopiana cuang setélna di alun-alun Gan, geura mo burung saé ayeuna mah sinyalna,” Si Cépot nyelengkleung. Kresna ngagugu. Bring ka alun-alun. Ogan Lopian disorotkeun kana layar. Bener wé. Ana bray téh, aya gambar gedong sigrong. Ngan anéh, bet utey ditapuk ku beurit. Barang keur kitu, rayat Amarta muru layar. Layar dituar disasaak. Dumadakan langit Amarta angkeub deui. Teuing nepi ka iraha.
Breh kabuka aya sms ti nomer 08xxxxxxxxxx nu unina kieu, "Janten bade satia wae ka sang istri? Mana jangjina? cenah KUTUNGGU JANDAMU. Ayeuna kapanan abdi tos rangda, naha bet alim uih deui?"
Renghap...., lenyap....., aya nu neumbrag kana dada.
Panasaran, dibuka sms nu ka luar. Aya sms ka nomer nu tadi, kieu unina, "ULAH MENTA BATUR NEPATI JANGJI ARI SORANGAN JALIR JANGJI MAH. ULAH GANGGU SAYAH JEUNG KULAWARGA, PAMAJIKAN KURING HADE RUPA HADE AKHLAKNA, IEU PILIHAN TI GUSTI ALLAH".
Asa aya cai ibun nu nyokcrok sirah. Katempo manehna ngulisik, buru-buru HP na disimpen, celengok kuring nyium pipi maneha, "Hatur nuhun!", ceuk kuring ngaharewos.
Nu cureuleuk panonna sumorot ngahaneutan sukma. Nu geter galindengna ngendag-ngendag lelembutan. Tingtrim nakeranan. Basa pareng reureujeungan. Sukan-sukan medar impian.
“Waasna bulan mung ti katebihan, Kang!” curuk bentikna nojo moncorongna bulan. Bulan teu baha. Sadrah sapanuduhna. Ukur méré tanggara. Ku lelerna angin peuting. Nu bieu sumélékét nyidem panggeuing. Tuluy ngageuleuyeung deui kawihna. Saléndro nu ngawirahma. Sumerep dina jero dada. Reup. Langit dumadak angkeub. Runggunuk méga hideung beuki euyeub. Mindingan peuting. Mindingan jempling awaking.
Nu langgéorna ngahudang rasa. Nu keupatna binarung tresna. Kadar nyocéng lalampahan. Nu aweuhanana beuki manjangan. Ti lalakon ka lalakon. Alon.
Kari waasna. Nyawang kareueut imutna. Jeung gegedoh kingkin nu tuluy kabawa. Dipiamis buah gintung. Nya duyung, nya liwung.
Nu nyegrék ngoréjat, kagareuwahkeun nu haliwu ti landeuh, di marcapada. Barang sirahna nolol ti guha, reup... dunya moékan. Panon poé kahalangan hulu nu ngoréjat. Lenggak, nu haliwu nareuleu ka ruhul, laju sing jarerit. "Srangéngé sihungan!" ragég. Demi nu dipikasieun kalah nyéréngéh. Burudul tina bangusna kaluar 9 urang kasapuluh anjing.
Jagat geus teu deui haliwu. Malik tingtrim deui. Panon poé lancar deui, ja nu nolol geus ngaguher deui dina beuteung Maliawan.
"Sssst, jep jep jempé, teu kéngéng ribut, sieun, bisi aya buta" ceuk rangda ngora ngelonan anakna.
"Ucu, Aah nuju di sisi balong yeuh nyerangkeun lauk nu pating surungkuy pating kulibek, resep pisan ninggalina", kitu nu bacetot tina HP ka runguna, jiga nu keur sumringah, sakapeung di selingan ku barakatak seuri peurana nu jadi cirina. "Aya lauk naon wae dina balong teh Ah?", kuring nanya, "Gurame, nila, sepat diantarana" ceuk manehna, "Aya lauk emas alit teu Ah? " kuring nanya, "Teu akh... Da teu resep lauk emas, teu enak beye dagingna", " kenging ukeun guramena, wios nu pang alitna weh","Uhun mangga, tapi kumaha carana ngintunna ti Sukabumi ka Bandung nya?", hehehe... "Teu Ah, teu keudah dikintunkeun, nitip weh didinya, di balong Aah, wios ditempatkeunna di juru balong nu sempit oge, punten weh pangjagakeun, karunya pan laukna alit, bilih di patil ku lauk nu sanesna, bageur da lauk Ucu mah geura, moal bangor komo deui bandel mah, bakal janteun lauk nu nurut ngaragap diri", "Ucu..." ngan sakitu jawaban na... Lalaunan HP ku kuring di pareuman, terus nyarande kana tungtung pangsarean bari nenangkeun rasa nu pagaliwota...
Cahaya lampu jiga keur silih udag, ngolébat diantara petengna peuting, sakapeung ganti ku hideungna kalangkang tangkal, jiga carita haté kokolébatan ganti rupa hideung bodas. Ngaguruhna sora karéta peuting kadéngé mapakan sora haté. Aya rasa nu nyaliara. Manglebarkeun. Pangambung bangir napel kana dada, reureuh namplokeun kasuka nu datang teu kahaja keur dirina. Moal kabaca aya hiji réka nu marengan léngkah sarakah. Padahal gurat deudeuh kungsi nyangsaya dina dada. Teuing kamana léosna. Basa janji pasini ngahiji, dipungkas dua buku leutik warna hejo jadi bukti. Imut nu nampeu, ngagareuwahkeun lamunan, ramo ngaragamang kana gado.Amplop coklat dina tas dikolong korsi, kerérét tulisan PT.MANDIRI, gancang dibebeskeun deui. Nyadarkeun lalakon hirup. Laku ngabaku, garapan geus jadi kaahlian raga, ngudag-ngudag waragad dunya. Awak buligir nu némpél rada disangkéh, leungeun ngusapan buuk galing muntang, biwir ipis ditungkup. Krek!!!
Isukna warta di koran. “ISTRI DIREKTUR PT MANDIRI DITEMUKAN TERBUNUH TANPA BUSANA”.
"Salami Akang di luar kota, Euis sareng barudak emam sareng naon atuh?" Ceuk Kang Andi
"Ceplok endog"
"Sok atuh diajar Geulis, sayur bening we, teu kedah anu ribet. Akang mah unggal bade kaluar kota sok janten emutan Euis sareng barudak emamna sareng naon" cenah bari ngusapan buuk
"Kapanan waktos Akang ka Singapur oge, tinggal pesen catering ka Ceu Tini" Cekeng teh. Manehna imut geugeut, celepot nyium taar, bari nyiwit pipi halon, tojaiah jeung adatna lamun timburuna keur datang, HP geus beak lima dibanting, panto lomari geus dua anu jebol ditonjok, pot kembang ngarapung ditalapung, geus puguh piring jeung gelas mah teu kaitung pru pre, ngan untungna manehna tara tunggal teungeul sanajan keur kuliahna baheula jagoan oge.
Langit ceudeum lir ceudeumna haté bi ‘Ijém’ nu keur ka heumpikan ku rasa nu matak ngaruntagkeun sarta muragkeun lalangit haté jeung jajantungna. Harita mang Uzi ngaragragan talak nu katilu kalina ka pamajikana bi ‘Ijém’ téa. Béréwék-béréwék tungtung samak di sosoeh lir nyosoehna haté kuring nu keur milu rungsing, nu harita milu nyaksian, sakapeung sok ngarasa di alam pangimpian atawa pawayangan lamun niténan kahirupan nu hirup kumbuh di alam dunya. Kieu, kitu,,,,,, cenah aya nu ngusik malikeun. Kagugu ku nafsu akhirna awak nu katempuhan. Kiwari maranehna ngarasa hanjakal sabab cenah kudu kahalangan.
“Geulis, dalingding seungit kasturi salira kalindih ku suremna bulan sapasi, tingal mega mendung kapulas ku ngabayabahna beureum getih Kurusétra, pamugi salira uninga, éta téh kila-kila, takdir Hyang Wisésa bakal tumiba ka terah Batara Surya…” Dipati Karna nyariosna rada peura bari neuteup Surtikanthi, prameswarina. “Geulis, sakedap deui Kakang bakal patutunggalan sinareng panengah Pandawa, nu nyata-nyata adi Kakang benten rama, pamugi salira aya dina kaiklasan, Pileuleuyan…geulis, mustari tos niitih ka wanci, katrésna ka salira bet kasapih ku titis tulis, jalaran Kakang kedah ngabéla Kurawa nu ngangkat harkat darajat ku makutarama…pileuleuyan….”
Murubut cisoca Surtikanthi maseuhan dada Aradéa nu dirorok ku Adirata. Uwung-awang Awangga ngadadak alum, bumi leungiteun sari, kila-kila simpay duriat mapag uga Hyang Wisésa.