Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Novémber 2012 (50 Naskah)


DIAPET

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 23:58:46

"Punteen.. " Budak tujuh taun, si Puja, anak tatangga nu diasuh ku ninina, pupuntenan.
"Mangga. Mésér naon?"
"Meuli diapet dua, gopéeun."
Kuring nanya mésér, ngajawab meuli. Jadi kuring nu sahandapeun nya..? Sabar.
"Puja, diapet dua mah sarébueun. Lima ratus mah mung kénging hiji."
"Da ceuk ema gé dua, gopéeun." si Puja maksa.
Teu saruana, song waé diapet dua kaplét dibikeun, keun kurangna kari tuliskeun, bising aya nu nuju katarajang méncrét, hég butuh pisan.
"Budak téh badé kana rupana, barorok, bahasana kasar." Lanceuk nu kaleresan nganjang, berkoméntar. Mangsedilkeun ti dituna mah.
"Is, tong sok kitu. Rupa mah Pangéran nu maparin. Bahasa mah niru tinu ngasuhna."
"Eta tuda meni taya tempoeunana." Kuring mésem.
Teu lila Puja balik deui, jajan.
"Eta borok dinaonan, jiga ditai dombaan?"
"Didiapetan ku ema méh mangpet, teu jariih." Barakatak téh pun lanceuk, nyeungseurikeun bari pokna, "Bejakeun ka ema manéh, borok supaya mangpet mah lain ku diapet, tapi ku power glue, lém beusi!"

*ide ti Mang Jamal, niiskeun kopi ku parasetamol*

ASIH

Kénging Mancerod Tanpoaran
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 23:56:12

Wanci janari leutik, sora kohkol nitir, ti imah Punduh. Totondè aya balai. Ki Punduh gogorowokan ngabèwara urang lèmbur.

''Gorombolan...gorombolaaan..!!''
''Ngungsi ka masigit...ka masigiiit..!!''
Urang lembur patingkulunu, norobos poèk tur tirisna janari, paburu-buru nyalìndung ka lebah masigit. Dumèh masigit mah rada lebak, tur wangunanana tèmbok sapotong, biasa jadi panyalindungan pikeun urang lembur, lamun aya mamala.

''Dèrèdèd...dèrèdèd..!!'', sora tèmbakan ti tentara. ''Dardèrdor..!!'', sora walesan tèmbakan ti gorombolan, ma'lum can bogaeun senjata otomatis, gorombolan mah.

Seuneu gagebur hurung, tina durukan imah Ki Suja di lamping tepiswiring.
Kadèngè...ngabangingik sora Asih, anak Ki Suja, sasambat.
''Paholas...kadieu...tulungan Acih...engkè dìbèlè caciiing...!''

Asih sobat Pahoras, purah nèangan cacing, keur eupan nguseup, ngadingdiut tepika pecatsawed.

KADO

Kénging Maya Pancanaka
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 23:23:23

"After along....long way and love again.....," Beautiful girl-na Cristian Bautista masih keneh ngagalindeung. Volumena di tarikan. Mencrong vidio klip.
lain resep kunu nyanyina atawa ningali model klipna. tapi, ingeut ka anjeun, nu merena. Minangka kado ulang taun. LIma bulan ka liwat. Teu pira ukur lagu nu di bluetoohkeun. Tihate anjeun ka hate kuring. NU moal poho nepi ka iraha ge.
Tadi beurang kuring ngaliwat deui ka jalan Braga. Ngajanteng hareupeun restoran,
nu jadi saksi anjeun ngedalkeun rasa katresna. KIwari , kantun waasna.
duka di mana anjeun ayeuna???

PIRULOH ASTAG

Kénging Dana Sudiawiguna
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 23:22:21

Balik ti dayeuh teh beut kaburitan. Hawa peuting karasa nyecep. Ngaran di lembur tabuh salapan teh geus taya nu wani ngulampreng,teu manggih jelema sapotong-potong acan.
Lengkah beuki gancang hayang buru nepi. Lebah Astana gede,remeng-remeng kasinaran cahaya bulan aya jelema keur cinutrung nonggongan jalan. Lengkah ngarandeg,pirajenan kuring tumanya bari noel tak-takna " Nyalira wae mang?".Reuwas kacida basa nu ditanya malik nempokeun bengetna nu teu mangrupa."Piruloh astag !!" bakat ku reuwas, ngomong ge nepi kapakojot.Jurungkunung nu ditanya nangtung. Ngajaul.Beuki lila beuki jangkung ngaleuwihan tangkal caringin nu luhur. Laju ngalengkah ka kidulkeun,ninggalkeun kuring nu ngayekyek calangap teu bisa hojah. "ASTAGFIRULLOHAL'ADIIIIM" kuring nyoara.

GAMBAR MONYET

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 22:55:59

Ade nu karak kelas dua SD ngarenghik ka indungna keukeuh hayang diajar ngagambar, Indungna anteng we nonton sinetron ari bapana sarua sibuk pesbukan. Ade terus ngarenghik malah tungtungnamah ceurik. Ngarasa kesel indungna nyarita semu nyentak "hayu ku mamah we dipangagambarkeun nya mamah bisa ngagambar monyet anu mirip pisan jeung aslina!" Ade repeh song ngasongkeun buku jeung patlotna, gutret indungna ngagambar, bubuhan pernah ngalaman ngasaan bangku kuliah juusan seni rupa, jadi urusan ngagambarmah teu kudu make lila. Song diasongkeun ka Ade " Yeuh De tingal tuh gambar monyet meni sae nya !" Gap di tampa ku Ade, abong budak leutik ningali gambar teh langsung ajrag-ajragan semu atoh, " monyeet euy ..monyettt, pah tingali ieu gambar monyet meni sae pisan, siga enya ieu mah pah !" Bapana nu keur update status cengkat " Cing kadieu De papah hoyong ningali !" barang ditingali korejat cengkat bari molotot ka pamajikanana " Teu hideng siah atuh ieu mah gambar aing !"

NU NUNGGUAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 22:22:11

Lieuk deui, lengo deui. Teu paduli najan beuheung sosonggéteun. Ngajantengna téh matuh gigireun batu nangtung kéncaeun jalan. Sungutna norowéco. Mun diparengkeun panggih jeung nu ngaliwat. “Pendak sareng pun anak?” pananyana. Ka unggal jalma. Isuk-isuk. Beurang. Soré. Sareupna. Kitu jeung kitu. “Ema, dungakeun Nyai,” waktu anakna ninggalkeun imah. “Tangtu, Geulis,” cimatana murubut. Neuteup nu gugupay luhur karéta. Lain teu hayang nyegah kana karepna. Lamun teu kitu meureun timana deui nyumponan sarat hirup. Imah, kebon, katut sawah téh pan ladang manéhna usaha. Kahirupan gancang ngaronjat, pédah boga modal rancunit, meureun. “Iraha hidep mulang?” gerendengna. Sawatara taun katukang. Waringkasna béak dirangsadan wanci. Jagjagna ngahiang dirampas kaayaan. Udud gé teu ukur nyésakeun kuntung, diémbohan ku jegohna batuk. “Baheula ema nu sok ngajanteng lebah dieu?” cimatana ngepris. Kiwari geus jadi trotoar. Tempat manéhna mangkal. Ngawurkeun kembang dibaturan ngebulna udud. Nungguan nu haat. Ngagulanggapér sésa hirup.

SURAT

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 21:09:48

Anjing!
Ceuk hate, bari kekerot.
Golombrang!
Tong sampah, di tajong. Eusina awur awuran, kamana mendi.
Goblog!
Hate, kutuk gendeng. Gek diuk na trotoar, bari rada ngabeubeutkeun maneh.
Berewek!
Amplop na leungeun, di soekeun. Katempo duit ratusan rebu, tilu lambar. Di barengan jeung hiji surat, nu unina kuring di pecat!

NGAGEDEAN

Kénging Asep Badruzaman
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 20:45:35

Ci aya kacamata nu bisa maca? ceuk ki Waru.
"Aya,..."ukulana?sabalaha??"tanya si Enci
"ah sabaraha we ukuranamah nupenting hurup2na jadi garede" tembal ki Waru kalem jiga nu nyaho.

song ku si Enci di asongkeun kaca pembesar, model mikroskup. Barang rap di pake, "taaah,..., ieu mah jadi katempo hurup2nateh, garede deuih ceuk ki Waru atoheun. barang geus di bayar lansung we kacamata teh di pake, ari harita keur hujan, ci leuncang meni ngagulidag di jalan.
"Aaaaaw, caah mni ngagulidag kitu!!! "ceuk ki Waru rewaseun.
horeng simana horeng kacamata baca teu dilaan, atuh cai teh ciga ngaguludag. calana disingsatkeun. Ari balik ka pasar,...di pasar dipake deui tah kaca mata teh. Maksud ki Waru mah rek meuli kalapa ka pasar teh, ari nunjuk kalah kana jambe.
"etamah sanes kalapa, "ceuk nu dagangg.
"Oooooh, manawi teh kalapa, ceuk ki Waru bari muka kacamatana.
Los ka tukang lauk asin, maksudna rek meuli peda, kaca mata angger dipake deui.
"Neng punten asin peda sakilo "ceuk ki Waru bari nunjuk kana teri.
"etamah teri, sanes Peda ki,!!! ceuk tukang asin.
"Oooooooooh,...., manawi teh asin peda"ceuk ki waru bari ngalaan kacamatana.
Leos ka pasar sayur, maksudna rek meuli terong.
"cik eta terong sakilo "ceuk Ki Waru bari nunjuk kana leunca.
"sanes terong ki, ih..,"etamah leunca " ceuk tukang sayur.
"Oooooh,....,manawi teh terong,..!!"ceuk ki Waru bari angger muka deui kacamatana.
saking ku geus lieur kukurilingan, jigana teu kuat hayang kiih, leos ka WC sisi pasar, ari kaca mata rap dipake deui.
ngan orokaya barang rek wer kiih Ki Waru ngajedag kapiuhan. taeunana ngagedean.

CARITA SATUKANGEUN SASAKALA

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 20:32:49

Di kampung sisi leuweung pamoroan. “Kumaha rasana, Bos?” “Mantap bray! ngeunahna mapakan daging bagong,” ceuk Si Bos nyéréngéh sugema. Sanggeus hasil pamaksudan, laju maranéhna baralik ka kota . Lima taun kalarung.
“Bos, aya tamu mawa budak awéwé umur 5 taun. Ceuk pangakuanna anak bos,” Ajudan ngaharéwos. “Waduh gawat euy! Teu enak ku pamajikan, manéhna pasti moal daék narima, mun teu salépel,” bari culang-cileung. “Bos, karunya. dihenteu-henteu oge turunan sorangan. Sina cicing jeung si Bibi di imah tukang. Pan si bibi boga budak lalaki umur 10 taun, si Tumang téa. Améh aya baturna. Kuma tah, Bos?” “Heueuh kitu hadé. Ideu nu mencrang ,” Si Bos nyatujuan.
Najan anak Bos, Sumbi sapopoéna diasuh jeung dikaulaan ku Tumang, anak Si Bibi. Dimana manggih kasedih, kasusah boh kaperluan, ngan Tumang nu haat tur satia. Ngahibur, ngabaturan jeung nyadiakeun pangabutuh Sumbi. Sapuluh taun kalarung. Kersaning Hyang Widi, kembang ligar di taman haté dua rumaja

CABREK

Kénging Sariak Layung
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 20:28:11

Hujan ngecrek sapeupeuting. Atra sorana tingparalak luhureun lulurung kalbuna. Éndah ngawirahma. Mépéndé haténa nu nguyung kapidangdung. Saab ngijih tingkodomang tingsélékét. Maloncor na sela-sela bilik haténa nu bolongor. Niruk harepanna nu témbong mucicid jurueun panyawéran. Lebah dieu. Écés réwuan sora peuyeuh tinggalentra. Réwuan léngkah halon tingkedepruk. Gumalindeng pipireun haténa. Lapat-lapat. Lebah ditu. Kapireng réwuan kalangkang tinggarupay. Réwuan imut tinggelenyu. Humariring lebah panto haténa. Ronghok minuhan satungkebing lungkawingna rasa. Salaksa usum terus baganti. Tapi panto tetep meundeut. Rikip. Beuki Pageuh. Jeroeun lulurung kalbuna beuki mongkléng. Beuki meredong. Tiis cabrek. Sacabrek punclut Himalaya. Peuting beuki tumorék. Halimun beuki rékép. Ngeukeupan simpéning trésna jeung kelewungna peteng. Parat nepika wanci balébat.

AHLUS SUSAH WAL GAGABAH

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 20:24:18

Cenah urang kudu bisa toléransi, ngaji jeung nalipak diri, ngajénan ka sasama ngahargaan ka balarea, sab éndah téh akibat ayana na nu béda-béda. Jeung nulian agama urang bisa nahan diri, ngahargaan. Tapi ning teu bisa dilarapkeun atawa jarang dilakukeun nalika patelak dina masalah furu’iyyah agama anu saageman.

“Saéna urang ikhlaskeun baé, tuang Ibu téh Néng, Ujang. Badé diaoskeun?” Pa Amil dareuda.
“Moal,… taya tidituna, bid’ah dolalah”
“Wios, Pa Amil éta mah pun lanceuk, abdi mah ahlussunah wal jamaah, nu badé mulasara Ema sapuratina, da aya calagrangna,” Adina lumengis ka Amil.
“Montong nyayahoanan atuh Nyi?” Lanceukna nyorongot

Nu patereng-tereng ka pungkas kunu ngorok bari kejer ngaleupaskeun nyawa. Nu sakarat kaciri ceurik basa takbir jeung tahlil ditompokeun ka cepilna. Asa ku kaleuleuwihi pengkuh dina pamadegan. Naha Islam téh saklek? Pan béda téh rohmat. Naha bet terus gedé adat?

(MUSA , 301112)

CILEUH

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 19:55:03

Anjeuna mah, pami cumarios téh, meni pogot. Kasedepna, nabeuh dram nyalira. Tingjelegur, tingbeledug. Dikecrékan, dikawihan ku réréncanganana, atuh tambih handaruan. Malih dugi ka ngabudah. Teu karaos dugi ka nyaraclakan. Hiji waktos, dumadakan nu diajak cumarios téh, tingbalieur. Anjeuna ngaraos kasigeung manahna. ”Ke, ke.., kunaon ieu téh? Bet tara tisasari,” pokna. Nyeuneu. Katinggal, na juru socana tingsurungkuy. Kuled. Nu diseuseulan, tambih kuram- kireum. Laju silih pelong. Silih tunjuk pameunteu. Tingbarakatak. Garumujeng. Taya reureuhna.

ASMARANDANA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 19:15:31

Eling éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Mun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
……………..
Galindeng pupuh asmarandana sumarambah, nyaksrakan rasa Déstarata, ulat romanna ngadadak alum, émut ka palaputrana nu teu weléh ngumbar napsu pikeun ngajujurkeun kahayang. Déstarata ngarénghap, sok komo pami ngadangu ti Resi Bhisma sareng Arya Widura, cenah késang rayat gumulung dina beureumna getih,bodasna susu lemah sarakan geus lila teuing kamana. Deui-deui Déstarata ngarénghap.
“Jagat Batara…..rumasa hirup pinuh ku dosa, ngantep nu jadi anak nebar-nebar mamala, uwung awang lemah katata teu weléh reueuk alatan korupsi geus jadi budaya Kurawa….” Gerendengna bari ngaheruk.

KSAD

Kénging Acep Deri Cahyadi I
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 19:11:32

"Kinanti di anti-anti, lain ébréhan visi jeung misi nu matak risi, tapi bukti jeung réalisasi. Sinom, Si Anom, geus waktuna tandang makalangan, mébérkeun wawanén, tong sok galécok loba pacorok, komo marebutkeun nu dénok montok, malah pamustungan cékcok, lalawuhna asmarandana, dadasarna cinta, tina bungkeuleukan jiwa raga. Dina ngolahna, tinangtu aya dangdanggula, pait jeung peuheur da teu salawasna, saripati nu di dangdang mangrupa lahang ahirna mah bakal jadi gula." Kitu ceuk dangiangna tembang, kanggo anu baradé midang.

BATI KAMPANYEU

Kénging Arif Syamsuri
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 18:55:07

Peuting maleman kampanye Pilkada di imah RW ramé ku warga nu hoghag, parebut baligo.
Jang Uci jeung Ki Endun duanana ragot papada embung ngéléhan.

“Ki , kuduna baliho calon nomer hiji nu dipasang di buruan imah kuring lain gambar calon nu nomer 3.” Jang Uci muncereng ka Ki Endun.

“Paheula-heula waé Jang, bongan keur masangna silaing euweuh di imah ... jadi meunang nu nomer 3, sakitu gé geus sukur kabagéan kénéh.” Ki Endun malik nyengor.

Sanggeus pada ngalelemu antukna Jang Uci ngéléhan manéh, najan sapaparat jalan teu eureun kutuk gendeng.

“ Naha Ki, panatik-panatik teuing ngadukung nomer hiji, apan Aki mah anggota partai lain, rélawan lain, milih tina hati nurani kitu.” Ceuk RW héran.

“ Sanés kitu Jang RW, apan nu nomer hiji mah baligona badag, Aki butuh engké urutna bisa dipaké amparan moé paré, ari si Uci mah paling gé ké dipaké tiung kandang meri, nu leutik gé cukup éta mah.”

NASIB LANGLAYANGAN

Kénging Subang Larang
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 18:42:52

Pung langlayangan diapungkeun. Ngajaul. Ngapak mega. Leok katebak angin. Mun pareng keur diulur langlayangan ngalengleong. Leungit pamuntangan. Inggis pisan mun nyangsang na dahan. Rawek rangsak kaciptana.

Jaul. Langlayangan ka luhur deui, pareng kenurna dipanteng. Buntut endah gubay geboy. Katingali gumbirana. Teu kungsi lila. Leong deui. Ampir nyangsang. Rek aya nu ngarawatan. Kunu boga diampihan deui. Ngan hanjakal disasaak. Beak rangsak. Dijejewet nepi ka hate-hatena.

Langlayangan sedih kingkin. Batinna asa kasiksa. Ragana katalangsara. Hatena gudawang. Ati peurih digerihan. Hujan cimata taya reureuhna. "Kunaon diampihan deui ? Mun saukur rek dikakaya." Kitu ceuk gerentesna.

PENEGAK HUKUM

Kénging Kamil Faisal
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 18:21:20

Rebun kénéh si Cuhi geus réngsé mandi di angir da cenah ngamimitian dék asup sakola sarengsé peré lila tutas UTS. Buku2 catetan Pelajaran geus saged di ampihan ti peuting mula sabab sieun di pariksa ku guru anyar da cenah mah aya béja rék aya guru anyar tapi galak. Réngsé sarapan kencling indit khusu nakeranan ka tambah aya papacangan anyar nu kakarék nyambung.
Upacara poé Senén tutas di laksanakeun kabéh barudak asup ka kelas sewang-sewangan. Guru anyar téh nyaan baé aya di jajap ka kelas ku Kapala Sakola.
Sarengséna uluk salam pok guru anyar teh biantara:
“Cing... Barudak...!!! Ayeuna ku bapak rék di absén saurang-saurang hidép kudu ngacung sarta kudu nyebutkeun cita-citana, kaharti...???”. Saterusna guru teh ngabsén saurang-saurang sarta nitah nyebutkeun cita-cita séwang-séwangan.
Guru: “Cuhi”.....!!!
Cuhi: “ Hadir pak”.
Guru: “Cita-cita manéh hayang jadi naon ?”.
Cuhi: “Penegak Hukum Pak..!!!”
Guru: “Naon alesana”
Cuhi: “Dék ngahukum Guru nu galak”
Guru: “........!!!!!?????.
Si Cuhi murungkut sieun di takol.

EROS

Kénging Ekka Saraswati
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 18:03:58

“Kuring mah teu resep kembang nu kitu!” sora wanoja kadéngé ti kelas sabeulah. Kuring kéom, tangtu aya jajaka nu ngeluk poé ieu. Rancunit, geulis, ngaranna Mawar. Cenah resep pisan kana kembang eros. Nepi ka ngoléksi sagala asesoris nu patali jeung kembang eros. Héranna, sakur jajaka nu ngedalkeun eusi hate bari mikeun sabukét kembang eros pasti ditampik, malah aya nu nepi ka disentak sagala. Mulang kuliah ngahaja dituturkeun. Satepi di imahna, kuring hélok. Tangkal eros minuhan buruan. Ku manéhna dicébor bari dikawihan, “Kembang eros nu matak lucu, nya alus rupa nya seungit…”. Kuring imut sugema. Isukna, gura giru nepungan manéhna. Paromanna judes. Kuring leuleuy, “Manawi teu kaabotan, hoyong ngiring nambihan tangkal eros di patamanan haté salira.” Song ngasongkeun satangkal kembang eros dina jero pot. Nu geulis imut bagéa.

IMUT DINA TV

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 17:59:58

Aya debat kusir nu amacak ku kecap-kecap nu kedal tina biwir-biwir nu lumingsir, ti mimiti birokrat nu umurna geus ngarat, politisi nu umurna geus cueut ka hareup, ti réngréngan yudikatif nu basana nyamuni bari lantif, juntrungna mah ngan ukur hiji, ngoméan citra diri bari umat-imut malahmandar balaréa pada muji

PANGANTEN POTO

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 17:47:58

“Uing teu bisa datang, wakilan ku manéh.” Kitu amanatna. Song poto satangtungan. Gayana rada gendo. Nyéngclé dina motor gedé, make jeket kulit buntung teu diseletingan. Beuteung bentelu nonghol. Sapatu jéngki geus rada heubeul. Saliwat mah asa jiga préman Pasar Gaplok.

Dius indit dina mangsa nu geus ditangtukeun. Ka lembur singkur. Dibagéakeun kalawan daria. Balandongan geus aya sapuratina. Lebé nyampak. Sanggeus salin sanuk-sanuk papalaku, cek leungeun dicekel ku nu deuk ngarapalan. Ijab qabul lekasan. Song poto babaturan dibikeun. Mitoha unggut-unggutan. Ningali pangantén awéwé sakitu démplon. Ngadeukeutan bari ngaharewos.

“Geuning Akang mani gandang kieu. Manawi téh jiga dina poto nu diasongkeun ku Abah.” Ngaléndéan bari ngadilak. Aya nu nyeblak dina angen. Ieu teh pamajikan babaturan nu ka tilu. Randa teu boga anak. Lenyap. Kumaha engké peuting?

WOW

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 17:36:09

Basa nyaho Gun mindeng ulin malam minggu ka Mona, alo Kang Ahmad, Kang Ahmad salaku gaganti bapana ngabejaan tong deukeut teuing jeung Gun, sanajan enya anak jelema beunghar, tapi Gun budak baragajul. Nyaho Mona dipapatahan Kang Ahmad, dahuan jamotrot, nguar-nguar pajar kuring jeung kang Ahmad sirik pedah manehna rek boga besan jelema beunghar.

Can dua taun Mona rumah tangga, dahuan datang rawah riwih nyaritakeun kapeurih hatena diunghak minantu sarta dihina besan, malah anu matak hareugeueun kang Ahmad, sertipikat tanah titinggal Kang Atang geus digadekeun ku Gun ka Bank, padahal Mona masih boga adi-adi laleutik keneh.

Dahuan balik, kuring muka FB, ngieun status,make basa alay... "terus gw harus bilang wow githu?"

EPES MEER

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 17:15:10

Gutrut, kuring nulis. Na kertas sacewir, urut bungkus cengek. Teu ieuh, di alus alus. Asal kabaca, tur kaharti eusina.
Sabada, rengse. Kertas di selapkeun, na handapeun jam weker.
Sakedapan, kuring ngalamun na sisi ranjang. Pikiran manteng, rus ras kana kasusah. Asa euweuh rengsena, rarasaan teh. Nepi teu karasa, kuring kasarean.
Lilir soteh, kagareuwahkeun. Katempo, jalma ngaliud na jero kamar. Pating jarerit, pating koceak. Kuring, puguh reuwas. Tapi, anu leuwih reuwas. Nempo waruga ngagantung, na lalangit kamar. Jelas eta awak teh, waruga kuring!

NOVÈMBER

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 16:56:54

Kafè Oishi tengah peuting. Sora samisèn lir keur jadi wawakil simpè nu ngolèab tina runggunuk akasia, di peuntaseun Jalan Otista. Lantèra na mèja, dua cangkir cientèh nu ngapitna. Weuteuh. Teu diinum ku Tuan Éiji nu cikènèh mulang, sanggeus leuwih ti dua jam diuk sorangan. Di kafè heubeul nu saban taun dianjangan ieu, manèhna masih kènèh yakin, bisa ngangseu deui seungit cindung hiji mojang, nu 45 taun ka tukang ditinggalkeun mulang ka Jepang.

NGAGANTUNG JEUNG BULAN

Kénging Wulan Sopiani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 16:54:45

Wanci peuting kuring ngalamun. Nangtung sidakep lir tatangkalan nganti-nganti siang. Kuring ngalieuk ka wetan bulan moncorong cahyana ngelehkeun bentang-bentang. Kuring rek lumpat, sugan bulan ngungudag kuring. Kuring lumpat bulan lumpat, kuring cicing bulan cicing. Ayeuna dihilikeun kuring nu ngungudag bulan. Mun kuring cicing bae moal bisa ngabeunangkeun bulan. Mun kuring lumpat tarik, bulan lumpatna beuki tarik. Rek dihontal, teu ka hontal. Rek diajul, teu ka ajul. Tungtungna kuring naek kana luhur kenteng. Rek ngapung ka bulan sanajan teu boga jangjang. Kuring rek ngaluncat sanajan bakal ragrag ka handap. Kuring ngaluncat tuluy teu eling. Kuring beunta ujug-ujug aya di langit ngagantung jeung bulan. Silih amprok silih gumbira babarengan.

SIMPÉ TRÉSNA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 16:36:36

Sakapeung sok bingung, naha kunaon anjeun micinta kuring nu tuna harta sepi harti?
Aya renghap eungap basa aya régang ragrag kana umpalan walungan, ngaléngléong bari ninggalkeun kasimpé haté

JUJUR JEUNG BENER KIWARI

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 16:29:54

Bayeungyang mangsa katiga, kalindih ku tiris usum ngijih, teu weléh ngahodhod sapanjang galengan leutak, paré hapa, piit tinggeleber ku jangjang pateuh, plak-pluk alatan teu walakaya, gupuy-gapay lebah pabinihan kajujuran jeung bebeneran nu ngalakay alatan kabanjiran.
Jujur jeung bener maruragan ti uwung-awang, amacak luhureun nagri nu pinuh ku pamingpin jeung wakil rayat nu ngadadak amnésia, poho kana sagala rupana, poho mung mangsa budak kungsi maén congkak nu pinuh ku utang-itung kajujuran jeung bebeneran

KAWIN NGORA

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 16:27:54

Rumahtangga anyar kènèh. "Kang hoyong amengan ka rèrèncangan!" ceuk pamajikanana. "Kadè tong lami teuing nya, siga kamari!" ceuk salakina.
Geus rèk asar di imah suwung. Hawu camoèk. Teko camèwèk. Na mèja kosong kènèh. Salakina datang ti pagawèan muru dahar di imah. "Beu, na kamana si Nyai?" Gegerendengan sorangan. Gèk diuk na korsi bari anteng ngahuleng. Kalangkang narèmbongan. Budak parawan leutik keur meujeuhna resep ulin, satengah dipaksa ku kolotna dikawinkeun. Ayeuna kieu balukarna."Pantes ulah kawin kanu can sawawa."
Hatèna norowèco.

DANGDING KINGKIN

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 16:18:27

Saprak hahadean jeung manehna. hirup asa pinuh kabagjaan. dunya teh asa nu sorangan, komo manehna mah, ka kolot make, hade tata hade basa. ceuk rarasaan mah asa teu salah pilih.
Waktu manehna mamagahan " kahade Nung, tong seueur teuing ameng, uih kuliah teras ka bumi, ulah sok pungkal pengkol hela ngadon ngobrol nu teu paruguh. rumaos engkang mah gede timburu loba kasieun." hate bungah liwat saking , geuning perhatiana teh gede pisan.
Mun teu bisa apel malem minggu, poe mingguna datang, bari menta dihampura ge teu cukup kusakali. alesana sok kaharti deuih.
Malem minggu kamari teu datang, isukna jol surat, amplopna dicium, terus diambungan, deuh seungit ,romantis pisan kasurat surat seungit. berewek amplop dibuka lalaunan, bisi soek lebar. bray surat dibuka, gebeg reuwas, lengen ngeleper, naha atuh eusi surat nu biasana, sok dimimitian ku " Enung kadeudeuh akang," bet lain ngaran kuring ayenamah.

KUDA KOSONG

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 15:29:26

Lautan manusa, hémpak mageran jalan nu ngabulungbung lowong taya nu wani ngalanto. Kolot, budak, awéwé, lalaki, cacah, ménak, taya watesan anu nguger, kabéh tungkeb sakadar mapag kalangkang pacapangan, ngadongdon lalakon kahot, gelarna karuhun nu murbeng di dua alam.
Kaayaan ngadadak simpé basa abringan gulang-gulang samakta pakarang mimiti katémbong rentang-rentang. Haseup ngelun tina parupuyan, meleber seungit menyan ngemat sakumna lelembutan anu leungiteun pangacian. Ngawisaya tiap rénghap dina panta-pantana jalan pikiran nu disorang ku kayakinanana séwang-séwangan.
Kuda gagah jangkung badag. Dirarangkénan sarwa ahéng, dihias kekembangan anu seungitna nyambuang angin-anginan. Antaré leumpang semu pépéyékéhan, nahan beurat anu kacida rongkahna. Budah ngabulaéh tina sungutna, najan teu nyoara tapi atra bangbaluh anu ditibankeun dina tonggongna. Teu baha, mungguh pancén nagara jadi kareueus pikeun dirina.
Dina palebah iuh-iuh tangkal, budak lalaki kasép ngalémpéréng konéng, jongjon léléndéan ka indungna anu anteng ngajanteng reumbay cimata.

KASAB ANYAR

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 15:28:12

Nyah beunta. Ret kana jam nu ngadaplok dina tembok, sakedap deui ge subuh. Kuniang hudang. Karek ge cengkat, koceak si bungsu ngoceak, tayohna mah kagareuwahkeun nu ngelonanna hudang. "Bobo agih..," cenah. "Gugah wae, yuk. Cuang ibak sareng ibu.." si bungsu repeh ceurikna, dituyun ka jamban. Gebrus mandi bareng. Barang muka panto kasampak si cikal keur gigisik, kahudangkeun ku sora nu mandi. Geuwat si bungsu dibajuan, didangdanan. Giriwil si cikal disangkeh dibawa ka jamban, laju dimandian.
"Bu, mau ee ubang.." si cikal unjukan hayang ee di lubang.
"Mangga, enggal atuh. Ibu bade netepan subuh siang manten."
"Bu, udah." Geuwat si cikal diobehan, sakalian dimandian. Langsung dibajuan. Can ge rengse ngadangdanan lanceukna si bungsu nyampeurkeun deui ka jamban..
"Bu, ee.." euh, alamat subrang yeuh, subuh kabeurangan. Beres ngaberesihan si bungsu, tuluy wudu, cong solat. Ngadoa sakedap. Dibaju. Ka dapur, naheur cai, ngaganti termos. Nyangu. Muka warung. Laladang. Asak sangu ngahuapan budak. Nyeuseuh. Sasapu. Tunggon warung bari ngasuh. Ngadudungkut milari jang setoran harian. Asal meunang jol nu nagih, setorkeun. Da bongan ngingu tuyul.
Reup sore, ngamandian budak. Magrib, tutup warung. Ngahuapan deui. Solat magrib. Nyarekeun deui. Solat isa. Sare.
Kitu jeung kitu sapopoe teh, matak bosen mun dibarungku ngarasula mah. Alhamdulillah, ayeuna aya kasab anyar, MIKMIN!

NÉMBÉ KAHAYANG

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 14:36:34

Usum halodo..
"Néng, punten ngiring ka cai. Di tonggoh meni garing, teu aya kanggo abdas-abdas acan. Tétéh téh hayang tobat, hayang diajar ibadah. Si Abah teu kersaeun ngadorongan cai ti bak pabrik."
"Mangga badé abdas mah. Alhamdulillah, cai mah seueur. Tobat mah teu kedah seueur saur ka abdi, langsung baé unjukan ka Anjeuna." Sup manéhna ka jamban. "Muhun. Hatur nuhun, Néng."

Usum hujan..
"Néng, aya réncang Tétéh badé ngontrak kios. Sanés garasi téh kosong?"
"Muhun kosong. Mangga badé dilebetan mah."
"Kin anjeuna badé icalan jajamu, Tétéh nu icalan birna. Tos saminggu icalan nu kitu, alhamdulillah haneuteun. Tétéh frustasi, hayang tobat meni hésé. Anggeur waé pada nyebut si jablay. Tétéh mah rék jadi jalma bejad sakalian. Komo Abah Udih miang duka ka mana, teu béja teu carita.." Manéhna ngablam-blam. Kuring bati colohok, hareugeueun. Nongtoréng kénéh caritaan hayang tobatna. Ari ayeuna balik deui ka asal, bari alhamdulillah cenah.. Euhm euhm..
Astaghfirullahal'adziim.. Pamugi abdi diraksa, dijaga, tur tiasa istiqomah. Sareng anjeuna disadarkeun deui..

EUREUP-EUREUP

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 14:32:25

Tas manggung ti mana-mendi. Méh taya peuting kaliwat. Ki Dalang. Keur ngageugeubra. Tibra. Kérékna gegelegeran. Lir Kumbakarna. Riyeg. Ranjang inggeung. Bleg. Karasa aya nu ngaheumpikan dada. “Talian cokorna! Kokodna!” kapireng nu tinggorowok. Ki Dalang beunta. Teu bisa usik. Teu malik. Awakna diborogod. Sungutna dibakutet. Ukur panonna burial-buncelik. “Kagila-gila teuing, satéh! Sangeunahna ngadu-ngadukeun wayang!” kareungeu nu nyeukseukan. Rét. Gebeg. Wayang golék Yudistira! “Aing capé diwayang-wayang ku sia!” omong Bima nu ngabedega dina dadana. Panon Ki Dalang gular-giler. Bruh-bréh. Manéhna direjeng ku pirang-pirang wayang golék. “Rasakeun, siah! Bongan sok ngékéak aing!” Dorna ngowowong. Regeyeng. Ki Dalang digarotong. Diabring-abring. Bari karakawihan: ”Majuuu ka médan peraaang! Kanjuuut molénang héraaang!” cenah, sabot kaluar ti imah. Di buruan, Ki Dalang diayun-ayun. “Haji..! Gulaa..! Tiwuuu..!” Keleweng. Dibalangkeun ka balong. Gujubar. Ki Dalang tikelebek. Wayang golék surak. Gumuruh. Ngeundeur-ngeundeur jagat. Di tepas, Semar saanak-anak tingharuleng. Nyérangkeun. “Kumaha ari geus kieu, Pih?” Astrajingga nanya. Semar ngan ukur bisa gogodeg.

HORDÉNG

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 13:20:53

“Hordéng! Hordéng..!” Mang Acép pebisnis hordéng ti Cigorowong, leumpang nikreuh ti banjar ka banjar. Morérétna matadéwa jeung késang tiis nu maseuhan awakna, teu dirasa. Hareupeun hiji imah nu karék dibangun, tunga-tengo.
“Permisiiii..! Hordeng, Bu!” pokna rada ngeleper.
“Adeu hordéng spanyolan, Mang?” ceuk nu boga imah norojol ti jero. Ibu-ibu tengah tuwuh.
“Wénten, Bu. Rarisang dipilih kemanten,” Mang Acep némbalan gumbira. Blak! ngaluarkeun hordéng tina gémbolan. Rupa-rupa motip corak hordeng jeung pitraseu.
“Motip jeruk ji kudeu néh, Mang?”
“Samas amétér jalan, Bu!”
“Miii..jeg mael gati. Sing biseu kuang, Mang?”
“Katurang Ibu, saged kirang abedik.”
“Satak, nggih!?”
“Ten polih, Bu. Penglaris telungatus dogén.”
“Niku pun jak pitraseuné, Mang?”
“Nggih, Bu. Komplit.”
“Mun kéto, sisan diukur mekejang, Mang. Bin pidan dadiné?”
“Ngiringan. Mangkin kirang-langkung aminggu sampun dados, Bu.”
Terus Mang Acép ngukur sakabéh kusén panto jeung jandéla. Jero batinna ngagerentes, “Alhamdulillah…, nuhuuuun Gusti..!”

TEU PUGUH URUS

Kénging Kamil Faisal
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 13:16:09

Nu lalajo kacida pisan euyeubna minuhan Stadion Bukit Jalil nu harita téh keur ngalalajoan dua patandang nu keur tanding marebutkeun Piala nu biasa di bobotohan ku para Panitia Sepak Bola Tingkat Dunya beh dituna mah. Na.... Ari taeun téh bét gorowok téh salah saurang bobotoh ngagorowok kalayan bahasa nu kasar. “Enonésa Gello...... Enonésa Gello.....10x. Kituna téh bari jujumpalikan kawas hayam ku tétélo. Ma`lum dinu loba jalma lamun saurang surak nu sejéna sok miluan tétégéeun meureun ti dayeuhna mah. Nu akhirna nepika nerekab ampir kabéh para suporter teh gogorowokan kitu nya béh ditunamah ngagogoreng Urang Lemur Urang meureun. Tapi da... keun wae atuh nya....!!! bét nguruskeun batur barina ogé can karuhan diri sorangan ogé hadé. Aaahhhhhhhhhhhhh..... teu puguh pisan ieu mah.....
Jrut...... we turun bari balik.

VITAMIN KO

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 12:20:20

Mimitina di-KB pél, awak jadi ngabugigag, siga Badawang. Ganti di-KB suntik, bawaanana lieur murel. Ari di-KB kalénder, pohoan. Rék di-KB IUD, teu luas dipasangna, cenah ngadangkak siga bakakak. Bidan méré bongbolongan, “Nu Bapana wé, dikarungan?!” Adu regeng, madungdengkeun néangan kasapukan, milih KB éta. Saméméhna diicip-icip, nyobaan meuli sa-dus leutik, nu eusi genep. Béak dipaké, samalem Jumaah.
Giliran dina meulina deui, pada embung. Cenah, teu kuat ku érana. Leng ngaharuleng ngampleng. “Ceuk Ayah mah, ngarah teu era, kieu…!” ngaharéwos. Unggeuk.
Pasosoré, kana motor rimbil, Si Aa jeung Si Nénéng diringkid, ka Apoték. Anjog, “Sok Bunda nu mésérna!” “Ku Ayah atuh! nu nganggéna, saha?” Pahérég-hérég. Si Aa jeun Si Nénéng, rungah-ringeuh. “Ayah, mau beli apah?” “Vitamin Cé, keur Aa ngarah teu barusuh waé! Vitamin Bé, keur Nénéng, ngarah kulitna lemes!” “Ayah dan Bunda, mau beli Vitamin apah” “A… aanu…Vi…vitamin Ko,” nunjuk ku juru panon kana étalaseu. Palayan surti, mésem. Ngaladangan.***

NONGTON PILEM

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 12:13:52

"Pa, engké sonten nongton pilem nya?" ceuk budakna nu nincak ABG, "Aya pilem énggal, 'Hello Goodbye' di Cinema 21!" tambahna ngaléndéan. Milih tempat téh, ngahaja di barisan pang tukangna, ngarah rinéh. Budak jongjon niténan pilem. Anteng dibaturan 'Pop Corn' jeung sagelas Cola. Penoména Koréa lir nyihir barudak. Pilem, musik, sinétron, tari, emih jeung kimci Koréa geus jadi sabiwir hiji. Suasana palabuhan kota Busan nantrat dina layar bioskop. Jelegur séah ombakna matak kelar. Manéhna ngadayagdag dina korsi. Hawa tiis ngahiliwir, lir mépéndé nu nyangsaya. Aroma Lavender ngadalingding, ngabetot urat kongkolak matana. Asa diayun-ambing, "Ayun ambing, ayun ambing; Diayun-ayun ku samping." Galindeng sora indungna, ngéyong ayunan samping. Sabaris, sabaris layar panorama Busan kapindingan peteng. Ngabelegbeg! Mongkléng! Bray layar ngempray deui. Salin rupa jadi adegan 'Gita Cinta Dari SMA'. Bray gantibabak, 'Puspa Indah Taman Hati'. Sabot pogot mencrong layar, "Pa, hayu uih! Pilemna tos séép!" anakna ngegeubig-geubig. Layar ngiles, marengan ngemprayna lampu bioskop.

NU KORBAN

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 11:46:47

Jamparing, ngabelesat. Huluna ngaburinyay, katojo mata poe.
Tarik nyuruwuk, niruk jajantung. Creb, bles! Peureus, jeung nyeri. Karasa peurih, tapi teu kaluar getih.
Kadenge ucapanna norostos, nuding jeung mitnah.
Kuring, jalma leutik. Ukur nyabak dada, nu budawang ku putusan para pamimpin. Nu teu malire, rasa rahayatna.

PAPATAH AKI

Kénging Rahadian Gunadi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 10:52:49

Nyi Ipah Liwar jeung Udin Jeprut geus lima taun bobogohan. Unggal ulin ka imah Nyi Ipah Liwar dua nana sok dibere wejangan ku aki na Nyi Ipah Liwar.
Dasar ceuli si Udin Jeprut mah lower asup ti beulah katuhu kaluar ti beulah kenca, kitu deui papatah aki na Nyi Ipah Liwar euweuh tapak tapakna acan.

Hiji mangsa kacaritakeun Nyi Ipah Liwar jeung Udin Jeprut keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.

Ragamang leungeun si Udin Jeprut mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Nyi Ipah Liwar anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Nyi Ipah Liwar ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Nyi Ipah Liwar ngareret bari pok ngomong semu haroshos.

"Kang Udin����. sing emut piwuruk si aki kamari !"
"Aduh punten..sakali deui punten !" ceuk Udin Jeprut bari ngejatkeun leungeunna semu eraeun.

"Teu sawios Kang...! Nyi Ipah Liwar nembalan bari paroman na semu jamedud.

Isukna Udin Jeprut papanggih jeung aki na Nyi Ipah Liwar panasaran pok nanya.
"Ki, hampura ari piwuruk aki nu kamari teh naon, abdi mah hilap deui ?"

"Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kamari teh �mun migawe nanaon ulah sapotong-sapotong tur ulah dirandeg-randeg, teruskeun nepikeun ka jucung !�
�Paingan teuing atuh si Ipah jamedud��..� ceuk gerentes hate si Udin Jeprut

PAHATULALIS

Kénging Kang Bibih Nubaheula
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 10:51:30

Tilu poe sanggeus réngsé ngagugulung layon Bapakuring. Nyanghunyar nyingareup lawang bari nyawang mangsa nu anggang, "Duh gening ayenamah karasa kanyaah kolot teh, hampura Bapa," Ceuk hate kuring.
"Jang...! Jang Darman..!" Diluar kadenge aya nu gogorowokan. Kuring rewas, keur ngalamun aya nu ngageroan bari ngagorowok. Jut kaluar satengah lumpat, "Aya naon?",Ceuk kuring, "Hayu buru Jang tempo kawalungan...!", "Na aya naon?", Teu nunggu jawaban deui Kuring lumpat nuturkeun Ahmad. Nepi kanu dituju geus loba jelema keur ngangkat nu tisoledat ka walungan.
"Emaaa...!, kunaon atuh jigjig kadieu?". Horeng Indung kuring nu keur pada ngagugulung,
"Darman.. Ema rek manyur kuburan Bapa hidep ku cai meunang tahlil, tapi aya nu jiga Bapa hidep gugupay, Ema teu nempo tincakeun.. nyampeurkeun..," Can parat nyarita, cékleuk Ma Odah ngalepaskeun nyawa.
"Emaaa...! Ari Darman sareng saha?", Les Kuring teu inget di bumi alam.

TATO KEUYEUP

Kénging Syam Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 10:41:38

Antayan seserahan ngoray, mapay galengan sawah anu anyar meunang mopokan. Leumpang jaréngké, selop dijaringjing, samping disaringsatkeun, jerona ting barasat katojo matapoé. Nu nanggung dongdang, lomari, springbéd, suluh, galuang galéong méhméhan ngajurahroh. Kari-kari domba nu ditungtun gé leupas, ngagaley pabinihan. “Cik néangan pipamajikaneun téh nu baleg atuh Dun, ieu mah mencal ditengah sawah kieu!” Juhé protés, urat leungeunna ranteng, ngajingjing koper. “Ngarana gé jodo atuh Hé!” Témbal Adun bari ngarangsodkeun calana panjangna kalebah tuur. Beuleum saté geus melenghir, degung sabilulungan geus ngungkung, biribit nu nganteur muru solokan, ngadon karukumbah. Rentang-rentang nu seserahan aya saaleutan deui, rombongan Ujo. Bantrok dijalan ngolécér. Gap Adun Ujo sasalaman, laju leumpang lir paskibra, muru dua calon pangantén awéwé sarimbag. “Moal pahili, euy?” Adun ngaharéwos ka Ujo, bubuhan sendal manéhna gé mun apél remen pahili. “Moal atuh Dun, pan nu manéh mah aya tandaan tato keuyeup lebah bujurna!” Pokna. “Jadi silaing apal!” Adun munelik.

TOKEN LISTRIK

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 10:32:54

Geus katangtuan ti yang widi, manusia téh dilahirkeun boga sifat, watak jeung bakat séwang-séwangan. Pamajikan mah paling sieun ku poék. Dina hiji peuting, waktu janari leutik, pamajikan ngahudangkeun alatan listrik pareum. ‘Nu geulis téh , kulem mah kulem wé atuh. Naha bet apal pareum listrik sagala’. Bari lulungu kénéh ngahurungkuen lilin. Teu talangké deui belenyeng neangan ATM meuli token listrik. Lumayan rada jauh. Datang ka imah langsung token listrik téh diasupkeun kana meteran listrik. Teu asup waé. Tetep poék teu hurung-hurung. Jeung moal hurung-hurung da keur aliran.

PATÉKADAN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 10:00:50

Dipikir dibulak-balik. Anjog kana hiji patékadan haté. Harepan nu kasawang, lamun laksana pamaksudan, asana hirup bakal leuwih rapih. Kacipta piwuruk mantenna bakal jadi jejer hirup kahareupna. Kaaping ku dalil, karumat ku ungkara wijaksana. Pangjurung nu jadi bojo éstu nambah sumanget, majar rumasa teu bisa mantuan naratas jalan sugema. Poé ieu geus gilig nepungan mantenna. Ajengan ti Cipaku.
Anjog ka palataran pasantrén. Iuh liuh matak mawa tingtrim kana ati, Masigit modél baheula, resik bersih, tangkal pala ngahieuman kobong-kobong santri.
Ajrih, ngeluk tungkul di payuneun Ajengan Cipaku. Paneuteupna seukeut, pamenteu bersih , béar marahmay. Sanggeus ditalék, rada seuseut tikoro, méméh pok, ngaregot heula cihérang.
”Mama! Hapunten anu kasuhun, jembarna manah mama, wiréh pribados tos kumawantun ngadeuheus ka salira,” reg heula kuring nyarita.
”Pribados dongkap ti Bandung, lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja lain leumpang maladra. Pribados seja nyanggakeun panglamar kanggo putri salira, nyuhunkeun widi kanggo dipigarwa”.

TAUN 2300

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 10:00:28

Gedong-gedong nyakaran langit. Bulan caméot, diharudum awan warna hideung: polusi. Najan peuting, hawa Bandung ngahéab, méh 40 darajat Celsius. Mobil-mobil ngajalugrug. Béngsin dina beuteung bumi korédas. Pertamina lawas dibubarkeun, sabab geus euweuh gawéna. Listrik hurung giliran. Sawah ukur aya dina dongéngan aki, kalaparan mahabu. Cai hésé, rahayatna barau, tara mandi.
Di hiji kamar apartemén anu sumpek, aya budak keur maca buku sajarah. Manéhna kataji ku salah sahiji kalimah :”kacaturkeun di wilayah anu kiwari ngaranna Jawa Barat, kungsi aya hiji sékésélér ngaranna Sunda, anu ayeuna geus taya dikieuna, sabab rahayatna teu ngamumulé budaya jeung sarakanna………………”. Acan ogé tamat macana, lampu kaburu pareum. Poééééééék…………………… Poééééééék…………………… Poééééééék……………………, ceuk budak jorowokan, bedas naker.

NU LUNTA BA'DA SUBUH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 09:46:23

"Bral anaking, pidu'a ibu salawasna nyarengan hidep."
Ukur mawa hate nu ngagolak, miang rek meuntas lautan. Ngajugjug beja. Cenah di ditu ayana lalaki tanding diri. Angin subuh, hawa pagunungan, teu ieuh karasa tiris. Sab awak kapanasan ku pirunan asa. Asa can aya nu nadingan.
Jog ka hiji sagara. Tetempoan satungtung deuleu ukur keusik. Bingung. Ka saha kudu tumanya ngaran hiji jalma nu keur diteangan? Angin ngagelebug ngawur ngawur kekebul. Tapi saeutik ge euweuh nu napel kana dirina. Teu kanyahoan ti mana jolna. saurang aki-aki aya di gigireun. Nanya.
"Bade angkat kamana ujang teh?"
Ngarenjag. Hatena noroweco. Kakara ngalaman kadatangan hiji jalma teu karasa angin-anginna acan.
"Seja nepangan Tuan Bagenda Ki."
Laju mupakat. Arindit. Di satengahing jala. "Aduh Jang, hampura aki. Iteuk aki katinggaleun."
"Wios Ki urang bantun." Sakilat lumpat. Lain udageun panon jalma biasa. Si aki ngalelentuk nungguan. geus lila can hol wae. Disampeurkeun. Kasampak keur engah-engeh nyabut iteuk. Teu kacabut.
"Cing ku aki!" teu sakara-kara, ukur ku dua ramona iteuk kacabut.
Brek manehna tapak deku.

SAHÉAB KATRÉSNA

Kénging Alba Tsani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 08:44:14

Wanoja. Ngarénjag. Saban reup peureum. Kalamangsa wiang-wiang jungjunanana. Nu can lila. Satacan balébat pajar. Teu puguh ujung puhuna. Sepi béja leungit carita. Liwung. Euweuh pimeureuneun. Kilangbara mun meneran. Ukur lenyap unggal engap.
"Duh kieu karasana," cumalimba. Kasawang kokolébatan. Hiji peuting balas ngababar kahayang. Silih awur katrésna. Dipirig sora patingcikikik. Gasik silih udag jeung haroshosna renghap. Awor hégak nu matak nyeblak. Ngaragamang kana lelembutan.
Ku teu nyangka. Nepi ka waktu harita. Nutup catur teu ngayuh ka dapurna. Kaluuhan nuruban pangurugan. Katéga nu leuwih ti nista. Kapeurih nyeuit batan kahinis. Majar ngabeukah sunah, aripék bari nyurupan pardu. Nyeuseup madu maéhan ratu. Pamohalan lita deui. Basa sms mawa béja. "Bongan geus aya tapak jalma." Kituna satas kaopat poéna.***

JUJUR

Kénging Alinne Novianti
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 07:27:53

Kuring nangtung hareupeun kelas. Barudak diteuteup teu sidikna hiji-hiji. Teuteup nyaah guru. Pok teh " Poe ieu urang ulangan bab 3. Omat peupeujeuh ibu, tong niron tong kerjasama. Di kubur jaga moal ditanya nilai kimia maneh sabaraha. Mun aya nu bener bener teu bisa tinggalkeun bae ulah dipigawe." Geus kitu barudak tararungkul, sibuk sewang sewangan. Euweuh nu luak lieuk. Kuring bungah sigana barudak sararurti pentingna jujur dina ulangan. Waktu geus ampir beak, Dendi murid kuring nu pangbangorna nangtung terus maju ka hareup. Song ngasongkeun kertas jawaban. Manehna seuri koneng "Bu abdi mah teu ngapalkeun janten teu aya nu tiasa. Pan saur ibu mun teu tiasa teu kedah dikerjakeun." Kuring olohok nempo kertas teh kosong euweuh eusian hiji hiji acan. Beu....kacida...

SI PELEM…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 06:50:09

Unggal poé jumaah. Lelembutan sok geus miheulaan balik. Asana téh geus aya di tepas imah. Miheulaan ngetrokan dapuran haté anjeun. Hayang dibagéakeun. Ci téh haneut jeung imut kareueut jadi lalawuhna. Cekap. Sora halon semu ogo, mapaés katrésna nu nyaliara. “Nung..!” Ukur sakitu kecap nu matak surti. Teu loba nyarita. Jirim masih aya dina beus keur lelenggutan. Kagareuwahkeun, ku nu jualan di Terminal Tegal. “Pelem, Pak? Pelem!” Lelembutan, keur cacamuilan ngararasa amisna Pelem…*1.

Pelem = Buah Mangga (B. Cirebon/Tegal)

URUSAN NAGARA

Kénging Arif Syamsuri
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 06:39:33

Sanggeus kaditu-kadieu euweuh nu nulungan méré nginjeum duit, éra-éra ogé, Mang Atang nékad ngadatangan tatanggana, nyampak tatanggana keur ngaluarkeun mobil tatan-tatan rék indit ka ondangan, gagancangan Mang Atang muru da bisi kaburu ngabiur .
“ Punten Pa ngaganggu sakedap ...” derekdek manéhna nepikeun pamaksudannana rék nginjeum duit lima ratus réwu keur waragad sakola anakna, cenah rék dibayar lamun motorna nu keur digadékeun payu dijual.
“ Puntennya Pa Atang, abdi teu tiasa nulungan, gaduh ogé artos kanggo bekel ibadah umroh ... ieu gé asa kirang kénéh.”
Bari mencrong tonggong Mang Atang nu ngingkig balik.
“ Padahal pasihan waé atuh Kang sakitu mah.” ceuk pamajikannana.
“ Wah teu kudu jadi pikiran, keun waé urusan jalma miskin mah geus diatur ku undang-undang, nu miskin bakal diurus ku nagara”.

DITANGTAYUNGAN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 05:30:52

Angkot pasesedek, tumplek padedet eusina, eungap mabek bau késang campur jeung parfum. Panumpang lalaki ukur kuring jeung supir. Meuni maksakeun amprok da haben diés-ém-és jeung ditelponan. Hujan badag ngajajap kuring ngamprokan manéhna di kosanana.
Basa amprok teu kudu dicaritakeun deui, papuket taya basa-basi silih rontok taya ka ragu. Ngalimed nyacapkeun sagala kahayang.
“Aa… Hoyong Aaa” Bari tipepereket nangkeup. Bakating ku marudah katingali sampéanana keram. Dadak sakala galura nu dipahing saacan nikah, dicéos ku kocéak dengék manéhna nu bari pupuringisan nyekelan suku. Kuring samar polah teu puguh laku. Sabisa-bisa nulungan mantuan mencetan jeung ngabaluran balsem.
Karasa mendingan basa dibéré obat ku Mantri di klinik tonggoheun kosan,
“Ieu gejala diabetes akut, ati-ati sareng kadar gulana! Punten dupi Akang sahana ibu ieu?”
“Abdi carogéna…” Carogé ti hongkong gerentes haté kuring jebi.
Kuring reuwas kareureuhnakeun, basa dilenyepan… “Nuhun gusti masih ditangtayungan, abdi teu jadi kausap sétan”

URATBUNUNG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2012 01:54:38

“Wayahna, kedah dioperasi!” Gutret dokter internist nulis disposisi ka dokter bedah.
Sapoé saméméh operasi. “Ulah hilap, puasa sareng beberesih heula, nya!” ceuk suster.
Rohang Bedah. “Prosedur laparoskopi single port!” Gejos anastési kana selang infusan.
“Adi-adi, Hérnia morgagni téh gejala kalainan rétroxiphoid. Perenahna, handapeun abdomén beulah katuhu. Regepkeun! Diafragma kongénitalna bilateral. Siap-siap, nya!” Dokter bedah méré apingan. Ko-ass nu keur prakték unggeuk. Suster pahibut nyiapkeun bahan jeung alat.
“Onjoyna laparoskopi cukup nurih saeutik. Ngurangan risiko komplikasi jeung morbiditas.”
Sup alat kana baham pasén, laju ka ésofagus. Kaméra stabil. Kaayaan interna pasén atra na layar monitor. Rérés heating. “Cik, kaputan!”
Poé kadua bada operasi. Geus hitut mah pasén meunang balik. “Kadé, ulah waka ngakut nu beurat-beurat, nya!” ceuk suster. Imut.
Di lembur. “Dioperasi? Gering naon kitu?”
“Hérnia.”
“Hérnia? Éta mah ngaran jikan Si Duki, euy!”
“Hérnia téh uratbunung, deuleu!”
“Oh, burut! Mun tatadi ngomong kitu téh! Burut mah burut wé atuh!”