Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Novémber 2012 (28 Naskah)


NU NYILUUH DINA JANARI

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 23:58:33

Saleunjeur wanci, ngembat manjang meuntasan ti hiji usum ka hiji usum deu, ngaruntuy ibarat kembang-kembang, konéng bodas, biru kayas, sawaréh deui beureum jeung boléas, layu méméh mangkak ngajadi buah.
Lebah girimis, janari niruk salambar suni, nandéan késang nu ngamalir tina sabaris kalimah angin. Nu datang mulang ti peuntas, mawa haréwos, sono ka ibun nu masih nyangkrung dina janari panuntung, di Kidang Pananjung.
"Salira téh saha téa nya?" Aya daria dina sora Malati, tapi asa piraku geus poho deui. pan kuring téh....
"Nepangkeun atuh! Akang téh Halimun nu kapungkur kantos janten simbut lalakon salira."
"Ah duka atuh! Masih teu émut. Hapunten nya, badé dikantun!" Malati undur tina teuteupan, tonggoy milu jeung séah gulubyur lambak.
Halimun anteng, neuteup wanci manjang, nyiluuh lebah janari katompérnakeun.

Pananjung, Oktober 2011.

A PERFECT CRIME

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 23:39:28

Calon salaki nu luyu jeung kritéria nu ditangtukeun ku Ermawar saperti kasép, soméah, bageur, soléh tur beunghar aya kana opatna ngan ukur kang Ucup paling cocog kana haténa lantaran boga hobi kana otomotip. Kang Ucup ogé ngarasa bagja bisa laki rabi jeung Ermawar nu geulis, pinter, supel tur satia ka salaki. Matak sagala kahayangna ditedunan, imahna gedong jiga istana, mobilna ngajéngjréng. Keur jaga-jaga, muka rupa-rupa assuransi, ‘kesehatan’, ‘kebakaran’, ‘kecelakaan’, ogé Ermawar geus bisa ngayakinkeun salakina supaya muka assuransi jiwa nu prémina samilyar. Di antara mobilna, aya hiji mobil nu paling dipikameumeut ku kang Ucup, tara meunang dicekel ku batur kaasup ngumbahna. Saperti harita, kang Ucup keur anteng ngelapan mobilna bari dihurungkeun, Ermawar datang mawa cikopi terus kaluar deui bari nutupkeun panto garasi lalaunan. Teu lila ti harita Ermawar, ngajerit, ceurik rawah-riwih alatan salakina geus maot.

LEUEUR KACIDA

Kénging Azie Nasrullah Sastragudarabramanta
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 23:02:02

Sakapeung mah ngarasa salah, geus lila ngarasa dosa. Hayang eureun kalah deudeieun, da geus nyaho rasana ngeunah. Beuki dieu beuki ngahajakeun, beuki wani ngalabrak aturan, wanter ngaliwatan panglarang. Geus kuduna ulah ngadeukeutan kalah beuki ngarapetan, geus kuduna dijauhan ngadon kerep mimilu dina hirup, ngarayap dina impénan.

Taya nu ninggali, taya nu paduli. Ngarénghap lalaunan bari néang anu pantes dilieukan. Euweuh hiji-hiji acan, kabéh bungkleng ilang cahaya. poék mongkléng bari tiris ngusapan awak, dosa perdosa dikaput jadi cilaka, jalan satapak beuki leueur kacida.

POHO NASIONAL

Kénging Mancerod Tanpoaran
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 22:38:51

Rèngsè upacara ''Hari Pahlawan'', dipipir babancong alun-alun dayeuh Ciamis.
Dua aki-aki keur ngawarangkong bari ngopi, ngadu bako.

''Moal bireuk deui , yèn Bung Karno teh pajuang bangsa, malah mandar Proklamator Kamerdèkaan Rèpublik Indonèsia.
Jasa-jasana, kaukir dina hatè rahayat sakabèh, puluhan taun tepi ka kiwari. Mugia ulah dipopohokeun ku rahayat katut bangsa Indonesia.'' ki Karta muka wangkonganana.
''Tapi...anapon kitu, para inohong kiwari mah, poho...atawa ngahaja mopohokeun...?'' ki Karta neruskeun cumarita.

''Mopohokeun kumaha, Adi...?'' tèmbal ki Égom, panasaran.

''Heueuh...unggal taun ogè sok aya waè nu bèrè gelar Pahlawan Nasional ku Pamarèntah tèh, bari dipèstakeun di Istana, dibèrè Bèntang Panghargaan ku Prèsidèn, kari-kari Bung Karno...hanteu.'' Walon ki Karta, bari gigideug.

''Baruk...kitu tatèh.
Nya naon atuh alèsanana Pamarèntah tèh.'' ceuk ki Égom, rada morongos.

''Nyao teuing atuh, kami mah teu ngalalarti.'' jawab ki Karta handaruan, ngarasula.

''Deudeuh...Bung Karno, acan diaku Pahlawan Nasional ku Pamarèntah.
Bèhna mah...POHO NASIONAL, sugan.'' ki Égom mairan ngahèruk bari rumahuh.

DISALAMETKEUN SI JUBAH HIDEUNG

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 22:34:47

Ahirna bisa nyalametkeun diri tina panalikung si Django, sanggeus ngalaman sapeupeuting diringkeb di kandang kuda, diculik ti imahna. Ngarah duit panebus. Buru-buru ninggalkeun istal kuda, lumpat sakulampat-lampét. Sapanjang jalan ukur tegalan, euweuh keur panyumputan. Najan capé, teu wasa eureun. Sieun kaburu kasusud. Beuki lila karasa beuki capé. Hegakna beuki kerep, léngkahna karasa gejed, Ti jauhna. Katingali tegalan meledug, katincak abrulan kuda nu lalumpat tarik. Si Django sabalad-balad. Abrulan kuda beuki deukeut, tanaga keur lumpat beuki ngurangan. Pasrah. Si Django geus saged rék ngarawél. Ngan éléh kesit ku lalaki nu dijubah hideung, nu datang sakilat jeung si Tornado, kuda hideung. Robin dirawél didiukeun dina kudana, tuluy mangprung. Si Django kacida ambekna. Laju mecut kudana, ngudag. Barang kasusul. Jlung jleng nu numpakna tarurun. Sabot si Django rék nyabut péstolna, si lalaki jubah hideung rikat mesat pedangna. Srett...srett...srett ...“Z” ngagarit rompi si Django. Laju ngagajleng deui kana kudana, mangprung.

PÉNENG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 19:19:57

Di puseur dayeuh. Lebah parapatan. Kandaraan-kandaran patali marga, rug-reg areureun. Nu tumpakna tarurun, ngagimbung ngadon lalajo. Jalan jadi macét.
Gambar-gambar poto cagub, dina baligo nu ngajareblag, ngadadak harirup. Teu beda jeung pilem layar tanceb, tengah poé éréng-éréngan. Mimitina, éta poto-poto cagub, silih pencrong, silih jebian, silih peureupan terus paréaréa omong. Népi ka jung-jleng laluncatan tina baligona. Sanggeus silih pédéléng, pruk waé buk-bek garelut. Tim suksés séwang-séwangan, surak euyah-euyahan. Ngabobotohan.
Ti kajauhan, tukang daragang, nu jajaluk, galandangan, tukang ngamén jeung banci, bur-ber lalumpatan, nyalametkeun diri, tina tingkeran pasukan, nu marake baju saragem. Nu kacerek, roda jeung tanggunganana ditaékeun kana treuk. Ngagorowok bari tutunjuk, “Sakur nu teu maké péneng, bérésan!” “Siap, komandan!” Anak buahna saur manuk, laju ngarurud, sepanduk, bandir jeung baligo nu teu dipénengan. Kaasup baligo-baligo cagub, nu keur dilalajoanan. Ku sabab teu maké péneng, atukna dirakrak, dilélédan, digebruskeun kana treuk.***

JUNGKRANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 17:43:24

“Samagaha!” ceuk lalaki kuru tina biwir jungkrang beulah kénca nu kacida ngahgarna, teu sirikna nyorowok, tapi sorana les-lesan bangun nu béakeun tanaga.
“Merdéka!” lalaki bayuhyuh nyorowok tina biwir jungkrang beulah katuhu nu katempo kacida suburna, sorana éstuning handaruan bari ditungtungan ku nyakakak.
Lalaki kuru ngarénghap, karasa dadana asa eungap, panonna neuteup alum si bayuhyuh. Si bayuhyuh nyakakak deui bangun nu kacida bungahna.
Laju silih gupay, jiga nu silih hiap, tapi teu bisa kukumaha alatan kahalangan ku jungkrang nu kacida lungkawingna.

TEUNGTEUINGEUN LAILA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 17:30:23

Geus saminggu manéhna leungiteun. Karasa haté kosongna. Unggal onlén, ngaran Laila euweuh ngaleungit. Laila anu nyaho pisan eusi haté manéhna, anu mindeng unggal usik inboxkan silih budalkeun sagala katineung eusi dada. Ayeuna Laila ngiles euweuh raratan dina fesbuk, kamana ?. Padahal Laila pisan anu ngabeberah kasusah, ngagedékeun haté asihna. Duh...Laila teungteuingeun pisan euweuh ras-rasan. Ayeuna unggal peuting manehna mencrong monitor, sugan Laila onlen. Sanajan sadar pisan akun Laila jieunan manehna, tapi poho deui paswordna.

BALUWENG STADIUM KLIMAK

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 17:25:09

Botol Sianida rasa strobéri, Strychnine rasa jeruk, Arsénik rasa mélon, geus dijajarkeun na luhureun méja. Tinggal glek!
Lambar demi lambar, tarjamah dibukaan. Sugan aya enas nu medar katerangan sabalikna.
Ampir dua jam, dikotétak. Lebeng. Bip! Laptop dibuka. Brosing, ‘Jalan pintas menuju surga.’ Nu kaluar deui-deui éta. Teu asik pisan.
Rét! Ka tilu botol nu ngajajar. Bangun ngiceupan. Tilu rasa nu ngabibita. Glek! Neureuy ciduh. Rarat-reret. Tilu botol dibuka. La haola. Lung! kana jarian.

BINIH

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 16:56:01

Tangkal emas rajeg di buruan. Kembangna laligar, marakbak kasinaran lampu. Angin liwat, nebarkeun kalakay, ting borèlak, emas.
Di jero wangunan sigrong, nu dijaga pasukan husus karajaan nu marakè jirah emas tur samakta pakarang, aya kotak kaca. Di jerona aya pot emas, tempat siki leutik keur melentiskeun sirungna. Raja jeung Perdana Mentri marahmay. Kebek ku cahaya harepan. "Mugia, ieu binih bisa tumuwuh. Nagarisurga geus samilènium leungiteun tutuwuhan lian ti emas," ceuk Raja, bari neuteup binih hèjo ngora, nu sikina kapanggih tina jero beuteung mumi kuburan karuhunna.

GALINDENG SANGKURIANG

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 16:40:24

Hiliwir kembang Tangkuban, kaéléhkeun ku haseup kandaraan. Rumingkang di jalan-jalan anu leucir ku cimata. Langit cakueum. Sariak layung nubruk pameunteu nu guligah, noong eusining rasa. Baluweng. Siga eunteup dina ramat lancah. Ngabakutet karsa jeung warna. Lain ngaharewos deui ieu mah. Pating gorowok dina urat, getih jeung tulang.

“Kudu nanjeur dina binarung jagat, kudu ngalak paul na méga mendung. Ahung..ahung, Ki Sunda. Rék kamana anjeun nyarandé? Ka manah anu lalayu sekar jeung ka jaman bedas dina lambak, anu awor ku sorot purnama. Bengkah ngawirahma dina galuring angin parobahan. Bakal nujul mamaras Dalem jeung cacah. Atawa kana cahaya nyay-nyayan dina halimun?”

Hiji lalaki nyarandé dina simpé. Cindutrung dina lulurung. Seja mesék ngajukung kadigdayaan karuhun. Keur meuleum dua tutungkusan dina hawu. Dibulak balik geus lila pisan.

“Rasa atawa akal?” Jutaan kali manéhna nanya. Teuing kasaha. Ketakna aya dina pagupon anu nenggang, hayang aya jawab anu cindek.

“Rasa atawa akal, mimitina titik enol?”

HIDMAH

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 15:44:11

Nyi Ijah bati sadrah kana kahayang kolotna. "Kumaha Nyai daèk ka Jang Iman tèh?" saur ramana ngayakinkeun, bari neuteup putri anu ngan hiji-hijina. "Mangga, teu langkung Abah." Nyi Ijah ngajawab semu dareuda, puguh can pati apal gerak gerikna Jang Iman tèh. Dina hatèna sabil mandog mayong antara bogoh jeung henteu. "Gusti mangga nyanggakeun sadaya-daya abdi tawekal, ieu panginten pijodoeun abdi anu sajati mugia nyandak kabagjaan dunia rawuh aherat." na hatèna norowèco pasrah kanu kawasa. Nyi Ijah sanajan rada kapaksa kudu narima, tetep nèmbongkeun budi parangi hadè nembongkeun pasemon kabungah ka sepuhna. Padahal geus sababaraha urang pameget nu kungsi datang ka imahna, tara ieuh ditakon ku Abahna. Siga teu aya nu panuju hiji ogè. Ngan ka iyeu anu panujutèh, tawaran ti guruna. Matak tumarima wè niat babakti ka sepuh. Prung tèh diakadan, terus ngambah sagara rumahtangga . Euleuh, kaleresan geuning iyeu nu janten carogènatèh sakitu bageurna. Rapèkan tur daèkan babantu kana sagala pagawèan. Di imah mun pareng riweuh, digawè babarengan. Mun gering kacida merhatikeun. Mun mangsa loba pigawèeun, sok marengan sanajan tepi ka peuting. Tara ieuh utuh etah nanaon. "Alhamdulillah Gusti geuning kaleresan maparin jodo tèh." ras inget ka Ramana nu tos taya dikieuna.

SAKOLA DESA

Kénging Rano Doger
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 14:41:40

Di jero kelas si Do'ing (budak 7 taun) keur anteng ngabandungan pa' Komar ngabahas pelajaran agama. saking aranteng dijero kelas teu kadengu sora cakcak-cakcak acan, si Do'ing asup angin, "Broottt..." sora hitut si Do'ing jiga nu nembalan omongan pa' komar. sing koceak barudak sakelas seuri bari nutup irung. saking mulek jeung bau, pa'komar nutup irung bari ngusir si Do'ing kaluar ti kelas. "Do'ing kaluar siah.., bau.." di luar kelas si Do'ing sueri bari ngucap "dasar guru belegug, geus nyaho aing nu ngaluarkn hitut bau teh, naha beut aing nu dititah kaluar ngisep udara seger, ari sorangana jeung barudak nu lain nyiksa maneh ngisep hitut aing dijero kelas.., he he he"

TERANG BOELAN

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 14:01:52

Teuing kumaha mimitina. Kaayaan téh bet kieu waé mun pas meneran bulan purnama. Awak sok karasa panas. Jangar. Beuteung ngadak-ngadak lapar. Lian ti éta, kuku manjangan. Huntu sihungan. Saawak-awak pinuh ku bulu. Hayangna téh babaung waé. Dahar marus gé teu cukup samangkok.
Nyaan, kasiksa. Ihtiar mah geus dilakonan ka ditu ka dieu. Pakumaha ka ajengan, ka psikiater, ka dokter bedah plastik, ka dinas peternakan, ka antropolog, ogé ka biolog, weléh teu hasil. Kitu deuih, waktu agén CIA nepungan, kalah gogodeg.
Ah, ihtiar enggeus. Nya narima wé kana nasib. Ngan, nu jadi panasaran, kunaon unggal bulan purnama sok jadi kitu? Moal kitu, pédah ngaran kuring téh Ajag Surajag?

TUJUH TURUNAN

Kénging Azie Nasrullah Sastragudarabramanta
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 13:52:03

Ari kaasih tara saat dina mentrangna halodo panjang, atawa dina garingna walungan. Taneuh bareulah di buruan nyéépkeun kabungah akar nu halabhab ti sabulan katukang. Di pudunan, Aki Ahong nungtun Nini Jumi, duaan rék ngala cai ka sumur seserepan di kampung tatangga. Jauh jarak heurin tapak, Ki Ahong nyanyi ngahibur ati Ni Jumi. "Ari kuring nyaeta hiji-hijina jalma, anu bakal mikanyaah mikaasih sanajan liwat tujuh turunan, jeung tujuh tanjakan".

HUJAN

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 13:17:19

Ti isuk meletuy hujan, siga nu keur mudalkeun kapeurih hate.
"Ulah ngajanteng di dinya bilih lebet angin" cenah ngagentraan ti jero mobil.
"aahhhhh, anjeun moal apal kunaon kuring bet resep diusapan cihujan." bari ngareret ka manehna nu keur mencrong teu ngarti.
Hujan beuki ngagedean tapi hate asa beuki ngaleutikan mun inget kana hiji rupa nu ngahyang kalindih hujan silantang.

NÉMBAK

Kénging Azie Nasrullah Sastragudarabramanta
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 13:04:57

Teu kuat nandang katiis ati di unggal petengna peuting. Ngarasa kasiksa ungga ditanya saha do'i-na. Udin satengah sadar satengah kapaksa ka tengah talaga. Nyi Ririn ditalian dina tunggul kawung, jauh jarak duanana. Udin ngeker bari peureum sabeulah. "Dorr...". Nyi Ririn ngadadak tungkul lalaunan, taya katinggal aya rongheap-rongheap acan. Udin lumpat nyampeurkeun. Dibuka tali Nyi Ririn anu nyangcang. Lalaunan Nyi Ririn ngaharewos basa ditangkeup Udin. "I Love You Too Kang...".

RENGHAP

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 12:26:39

" Sing ngartos Nung!, sadayana rasa kanggo salira" galindeng nu neangan sesa asih dina lulurung kalbu.
Renghap katresna ayeuna kantun asma nu kakubur kekebul waktu.

HOTEL TRADISIONAL

Kénging Raden Rina Kurniasari
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 10:45:55

Iteung: " Di lembur kuring mah rek
nyieun hotel tradisional
sapuluh tingkat
Momon: " Palebah mana tradisionalna?"
Iteung: "Naekna moal ngagunakeun
lip, tapi make taraje awi!"

SEURI

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 10:28:12

Tiba seuri 'na haté ngabandungan nu seuseurian nyeungseurikeun nu keur sura-seuri sorangan.

MÉH KIYAMAH

Kénging Awan Iwong Ruswana
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 09:45:07

Riyeg...riyeg !. Dunya inggeung. Langit ngadadak angkeub, kilat patingjorélat dipapag beledug jegérna gelap. Topan ngagelebug, sagara ngamuk, gunung bitu.
Wer...wer..,hiuk !. Dajah ngahupat hapit palu godam, nu marakbak seuneu. Hiuk..geledug, jedak !, godam nenggar sirah.
'' Allahu Akbar..!, kerenyed, gedebeg. Les ! Teu inget di bumi alam.

Bray..! Panon poé caang. Nyah..! Kuring beunta. Rut rét ka sakurilingna. Jalma ngarumung di padang mahsar.
'' Untung jalmana salamet. Wah..! Salah masang kabel, kongslét ieu mah !, tutung tipi na. Matakna mun teu bisa tong sagala di oprék.'' nu ngagimbung ting kecewis.
'' Aduh...aing mah !, mangkaning karék 3 kali nyicil.'' pamajikan géhgér.

JURIG AHÉNG III

Kénging Erwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 09:26:23

PREANGER. Kasampak geus loba jelema. Demi nempo kuring duaan, sakabéh jelema anu tadina keur galécok ngadak-ngadak jempé. Bingung. "Naon deui waé ieu téh?" Ngaharéwos. "Apanan hajat panganténan urang, kang!" Imut anteb. "Itu saha nu ngagupayan?" Cekéng bari nyidik-nyidik. "Papih sareng mamih éta téh. Yu, urang di payun calikna!" Metot leungeun. "Pangantén parantos sumping. Mangga cuang kawitan acarana!" Sora nu biantara. "Mas kawinna naon atuh?" Ngaharéwos deui.
"Blékbéri akang wé, wios, abdi rido!"

Dampal leungeun pataréma jeung papihna. "Tarima abdi nikah, ka Wilhelmina Binti Van De Bekker. kalayan mas kawinna, ku blékbéri, kontan!" "Sah...!" Saur manuk.
Acara sungkem. Nyuuh. Sirahna diusapan. Aya nu nanceb lebah kulincirna. Panasaran. Dicabut. Lesss...! Wilhelmina katut nu lianna ngahiyang. Leungit tanpa leuwih. Ilang tanpa karana.

Awak geus aya deui di imah. Kapireng sora manéhna tanpa jirim. "Hatur nuhun parantos haat mikanyaah ka abdi, kang. Hapuntenna teu tiasa ngahiji dugi ka ahir. Blékbéri mah, wayahna badé dicandak!"

TEUNGTEUINGEUN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 07:57:47

Opat bulan, ti saprak pepegatan jeung Kang Uhim, Ceu Iroh mimiti begér deui.
Naksir nonoman jago badminton, Jang Uci. Teu nolih tatangga nu sok sindir sampir, majar teu nalipak manéh, béda umur aya sapuluh taunna. ”Egépé...masalah buat loe?” Pokna bari jumeté. Maké erok sacewir dapon nutupan nu nyitak dina léging hideung.
Ceu Iroh wani balaka tiheula ka Jang Uci. Nu ditaksir kalahka undur-unduran jiga nu sieun. Teu dipaké nyeri haté, dima’lum, bubuhan jajaka tingting.
Peuting ieu. Ceu Iroh geus dangdan sataker kebek, niatna geus panceg rék balaka deui ka Jang Uci. Basa ngaliwat dipipir imahna aya sora nu matak jadi reuwas manéhna. “Sayang, sok atuh ka dieu. Tos teu kiat yeuh.”
Deg, Ceu Iroh lir digodam. Naha Jang Uci keur indehoy jeung saha.
Waktu panto disurungkeun. Ceu Iroh ngarasa bumi asa tungkeb. Awakna lungsé. Leuleus.
“Duh Kang Uhim teungteuingeun.” Ceu Iroh rampohpoy. Bruk ambruk. Uci jeung Uhim olohok.

DI URUT IMAH KURING

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 07:21:34

Peuting ka hiji nepi ka ka tujuh , masih reang ku sora nu tarahlil.
Poe ka opat puluh , basa kuring nyelangkeun balik , imah kuring jadi haneuteun ku anak incu jeung anak-anak tatangga. Asa hanjelu , kunaon imah kuring jadi tempat maraen PS.

KUNCÉN SUMUR TUJUH TURUN GUNUNG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 07:20:31

Sawara nu patémbalan sing jorowok campur héwa, pabaliut jeung nu sing bangingik nyeungceurikan anakna, salakina, bapana nu jaradi korban.
Pulisi, Tibum, pamswakarsa cakah cikih ngahalangan. Gas cipanon, pélor karét, jeung pamentung pabeulit di unggal kalang.
"Eureuuuuuun...! Kumaha ieu téh dararia, majar ngaku mibanda budaya nu silih asih asah asuh, majar mibanda tata titi duduga peryoga, majar sopan santun handap asor, mana dia, mana?!" Aya sawara handaruan ti Gunung Karang.
Nu démo, nu tawuran, nu garelut papada kampung, nu paséa parebut lapak, nu pasini prinsip di gedong déwan jeung nu pagujrud séjénna, simpé jempling. Nu jaga konci alun-alun ngahuleng, di tengah lapang jagaanana, aya saung kiréy jeung jalu kolot, nu keur cacahan kana bumi, kana langit, jeung kana angin nu jojong teu cumarék.
Ngan sakeudéung jaremplingna. Teu kebel géh maju deui. "Dasar, sagalana geus obah!" Abah kukulutus.

NANDÉAN GIRIMIS…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 06:42:09

Poéan Jumaah, kulutruk sora nu muka panto kamar kost-an. “Neng?” Ngajenghok campur atoh. Anjeun ukur imut. “Badé amitan, tos teu aya deui nu kedah diperjuangkeun!” Rarayna ngungun. “Naha? Emangna Si Randy?” Panon mencrong, néang jawaban. “Ah, tos ngalih! Tos ka irong kétakna ti mimiti gé” Maksakeun imut.
“Janten, badé mulang waé?” Nyaliksik panona nu mimiti ngepris. “Hampura Neng, nya A!” Nu ngepris geus jadi girimis. Kuring, ukur bagéan nandéana….

PRODUK GAGAL

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 01:15:55

Pononpoé seuri marahmay. Langit ngagelenyu mébérkeun saléndang biru. Batara Guru miwah Batari Durga, saridéndang luhureun Lembu Andini, pelesiran sinawang éndahna alam kahyangan. Soca Batahara Guru neuteup geugeut ingkang garwa, nu bénten ti sasari. Geulis alah batan Syahréni. Séksi mapakan Sabatini. Ter.. geter asmara nyaliara cakra swadhistana. Kumejot. Teu ku..ku.., gewewek! Celepot-celepot! Batari Durga digaléntoran. “Kang..! Ihhh.. isin ah, tong didieu,” Batari Durga pakupis, hay-hay tapi ér-ér. Batara Guru teu maliré, seuneu duriat luméntab. Dibarung rénghap nu ngahégak. Byar! Silalatu asmaradahana ngabaranyay. Pinarengan gilekna Batari Durga. Ngagiwar. Jéos! Ruhak kama ragrag niba sagara. Brrr.. laut nyéah dumadak motah. Lambak ngagulidag umpal-umpalan. Reup ceudeum. Sang Bayu turta Indra, katalimbeng salah mangsa. Tinggelebug-Tingjelebét. Cai laut ngagibleg, Belegbeg! Ngajirim jadi Koruptor.

BARUSUHEUN...

Kénging Iik Setiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Novémber 2012 00:50:52

Barusuheun. Aya oge nu nyebut barusuh. Kasakit matuh keur Mang Maman mah. Teu sirikna unggal Minggu uubar ka pa mantri. "Saur pa mantri mah sariawan pun lanceuk teh". Ceuk Bi Ijah anu ngahaja nepungan pa RT, lantaran digelendeng pedah salakina geus dua Ahad teu ngaronda. "Cobaan ku larutan cap kaki tiga", pa RT mere bongbolongan. "Teu metu, pa". Bi Ijah ngaleos, bari kerung beuki kaciri bingungna. "Cobaan atuh ku larutan cap kaki salapan, atawa sakalian cap kaki dua welas, sugan bunghak. "Numawi bandel pun lanceuk mah. Ku pa mantri piwarang ngirangan nyesep oge. Kalah gentos ayeuna teh. Kawitna garfit, ayeuna mah mokaha dua rebu tilu ratus opat puluh.