Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Oktober 2012 (22 Naskah)


KAMPUH

Kénging Herman Othenk
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 22:36:26

harita wanci peuting gs nyerelek ka wanci sareureuh budak.incuna na nu tadi beurang datang ti dayeuh gs siap2 rek ngeudeung dina dipan cape cenah gs kokojayan di walungan..
"kasep rek obo mah nganggo kampuh atuh supados teu tiris"ceukbi oyoh bari muka keun pato enon.balakatak teh incuna sueri nyakakat bari ngomong.
"naon ma kampuh itu,di kota mah teu aya nu kitu,kamseu upay banget ema itu ya bang...."ceuk incuna bari noel ka lanceukna.karunya barudak ayeuna mh teu arapal basa sunda nyaeta basa indung teupi ka teu apal kampuh acan.leuwih bangga make basa gaul euceuk na mah.padahal maraneh na teh indung bapana urang sunda.komo lamu di tanya mana panangan kiwa ngabigeu siga na mah......

RUGI

Kénging Ageng Imam Nur M
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 22:25:27

Ngalamun nunggu nu meuli.Ti isuk karek hiji. Jol si Ojid. Santri.Ngan ngomongna rada ngirung.
"Balaha anyeuna?"cenah.Nunjuk endog bebek.
"Numana?"cekeng pura-pura teu nyaho.
"Nyu eta."cenah.Nunjuk deui endog bebek.
"Nu eta mana ?"kuring ngaheureuyan."Sebutkeun heula"
"Emung ah ela."cenah bari ngelemes.Nyantri pisan si eta mah.Tara pisan nyebut nu jorok.
"Naha make era?mun disebutkeun, haratis."cekeng.
"Ela ah." keukeuh tapi curinghak disebut gratis mah.
"Tah 3 kilo gratis. Asal sebutkeun heula endog naon."kuring nangtang.Kacipta manehna nyebut endog bebek kumaha.
"Benel glatis?"cenah kapancing.
"sok 5 kilo.GRATISSSS..."jawab kuring."Asal bejakeun endog naon."
"benel?"cenah.
"Bener,ih!!gratis.Sebutkeun heula endog naon."cekeng bari nahan seuri.
"Endog ....meli...."cenah teu kireum-kireum
Halaaaahhhh rugiiiiiiiiiiiiiiiii

NURUTAN HÉMINGWAY

Kénging Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 22:20:56

Dijual murah. Sapasang baju pangantén. Teu kungsi dipaké.

Koran dikélék, muru alamat nu tinulis dina iklan nu geus dibuleudan. Lumayan, pikir téh. Sugan baé saukuran. Sajajalan ngadon anteng kapikiran. Naon kirana nu geus karandapan. Maranéhna. Teun ka bedo panganténan.
Lungak-longok hareupeun pager. Imah baheula. Simpé. Rekét dibuka. Lalaunan nujul tepasna. Keketrok. Uluk salam taya jawaban. Luak-lieuk ka sabudeureun. Bati angin jeung daun nu maluguran. Jrut ka pakarangan. Ngalenyap. Sahandapeun tangkal buah. Taneuh beureum dua gundukan.
Geuwat nyingkah. Bati ratug sajajalan. Muka deui koran. Bisi salah alamat. Tulisanana dumadak robah:

Dijual murah. Imah jeung tanah. Jeung sagala panineunganana.

PERANG CAMPUH

Kénging Ekka Saraswati
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 21:01:36

Ping 31 Oktober 2012. Keur lumangsung dua pihak nu keur silih babuk ku imut. Nu jadi cukang lantaran nya éta ayana salasahiji pihak nu ngamimitian ngabalédogkeun teuteup. Laju dibales ku pihak séjénna ku ngababukkeun kiceup. Perang ieu didasaran ku gedéna katineung ti papada pihak. Salila lumangsungna perang ieu geus 18 urang nu jadi korban, diantarana kapéngpéongan, kagégéloan, nepi ka kabungbulengan. Dicekapkeun sakitu laporan ti tempat kajadian. Wilujeng wengi.

TETELA GUSTI ALLOH TEH KARIB

Kénging Reumis Janari
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 19:19:34

Dadap cacarita ka kuring,kieu pokna: "Re..?! dina hiji peuting teuing ku naon pamajikan embung nyanghareup ka kuring,lain hartina kuring keur hayang, ngan kuring keur embung di tonggongan ku pamajikan, ngan kuring jajampean sa babaraha kali ,kieu jampena teh "Nun Gusti...upami pun bojo usikna ku sorangannana, mugi ulah usik deui, tapi upami pun bojo di usikeun ku Gusti mugi Gusti mang usikeun pun bojo sakumaa ka hoyong abdi da aya hak abdi di anjeuna, Re.. teu kungsi lila kulisik pamajikan teh jadi malik nyanghareup ....geus kitu mah kuring nga gerentes bari bungah "Tetela Gusti Alloh teh karib...

LAWANG

Kénging Budi Mugia Raspati
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 19:14:04

"Nu bageur téh jerona mah langkung hieum, Akang," pokna bari landa-léndé. Enya, nu bageur nu saban usik jogol jeung anasir jahat jero haténa, pikir kuring. "Engké bitu geura!" Pokna deui bari meulitkeun leungeunna kana cangkéng. "Pasihan lawang sakediiik wé kanggo si bangor. Tong diheungheum waé, bilih ngagelekgek, ké jiga kawah nu ujug-ujug ngabeledug," cenah guminter, bari semu ogo. "Akaaang... Teu kenging kikituan, matak salting ah!" unggal kuring nyebut manéhna "darling". Cenah ku kuring mah disebut kitu téh asa lain iseng, teu cara ku si Ican atawa si Ogi. Naon ieu, duka teuing. Tapi pikeun kuring jeung manéhna, naon nu dipilampah lain hiji kasalahan. Rasa suka mah lain bala. Cinta mah lain dosa. Saukur kaboga jeung kabagja nu duaan, peun! Sing saha waé ogé dipahing pipilueun. Ngan manéhna teu sadar, yén ayeuna geus cicing dina jero lawang nu ku kuring keur dipéléngékeun.

TEU AYA NIAT TAPI AYA KASEMPETAN 2

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 18:47:52

Sabelas dua belas jeung anak kuring nu cikal, saumur, pangawakan sarimbag, sarua geulisna, sarua pinterna, sarua geus pada digawé. Bédana anak kuring geus laki rabi malah geus boga anak dua ari manéhna masih lanjang tapi can pantes disebut jomlo da masih ngora kénéh. Kuring téh sakantor jeung manéhna. Kuring di widang ekspor/impor, manéhna widang ‘keuangan’. Dina hiji waktu, parusahaan ngayakeun ‘makan siang bisnis’. Sakumaha biasa kuring ogé manéhna sok kabawa mun acara kieu téh. Sakumaha biasa deuih mun acara geus réngsé, manéhna sok ‘curhat’ ngan harita mah asa kaleuleuwihi. ‘Curhatna téh bari léléndéan dina dada kuring. Seunggah tur sungkan. “Néng, punten bilih janten fitnah ogé urang téh sanés muhrim deuih”. Ari ngajawabna téh “Supados ulah janten fitnah sareng supados janten muhrim, kedah kumaha ?”. Beu …

WATIR

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 16:12:01

Dipipir jalan, manéhna hulang-huleng. Rét ka wétan, rét ka kulon.
Huleng deui, bari ngarénghap. Kitu wé jeung kitu, bangun nu keur
bingung. Teu lila, lalaunan manéhna leumpang mapay trotoar.
Nyampeurkeun nu keur cinutrung hareupeun kios roko.
"Pak, badé tumaros.."
"Mangga cép..aya naon ?"
"Pami beus nu jurusan ka Tasik tos ngalangkung acan nya ?"
"Oh, atos cép, aya satengah jam kalangkung mah. Tapi sok aya deui,
antosan wé, biasana gé dua jam sakali.."
"Sajam satengah deui atuh nya ?"
"Muhun.."
"Pami nu jurusan ka Bandung tos ngalangkung ?"
"Teu acan, paling gé sajam deui. Sok lirén didideu da supirna langganan
cai botolan.."
"Teu aya angkot kitu nu ngalangkung ?"
"Aya, tapi enjing-enjing wungkul, pami tos wayah kieu mah moal aya"
"Oh kitu.."
"Muhun, dupi ncép téh badé angkat kamana kitu saleresna ?
Badé ka Tasik atanapi badé ka Bandung?"
"Ah, henteu. Abdi mah badé nyebrang wé wungkul"

BATI KABITA

Kénging Hanhan Saja
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 16:01:18

Isuk-isuk. Mobil geus dilangsam. Kupling geus dijejek gigina teu jadi dipindahkeun. Tetep netral. Brul katuhueun abringan mobil nu seserahan. Sabarapuluh boa. Komo motor mah teu kaitung. “Saha nu kawin? Asa aya nu wawuhan...", hate tumanya. Geus ngaliwat kabeh kakara maju. Lalaunan da macet. Euleuh. Geningan maneh. Kaduhung boga rasa tuluy disidem. Kagok. Tuluy weh ka kantor. Beu. Kuharianeun. Abong saminggu gering, surat undangan manehna nyampak na tumpukan map. Paingan kosong. Rido ketang uingah maneh meunangkeun manehna mah. Teu nyeri hate. "Hampura. Uing teu bisa hadir, nya. Lalungse keneh. Barokallohu lakuma wabaroka 'alikuma wa jama'a fii khoirin. Pokona teu hadir lain kusabab eleh nya. Hehe..." Uing nga SMS manehna. "Teu nanaon. Sing gancang cageur lurrr... nuhun du'ana.", balesan SMS ti manehna. Bari tuluy neureuy ciduh. Jeung maneh gagal. Kudu ka saha deui nya?

PAPANGGIH

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 15:49:30

Panggih mimiti rada karagok. Tapi teu lila rasa loma kuring jeung manéhna datang kitu baé. Bangbaluh haté, karudet rumah tanggana, jeung réa-réa deui anu sok biasa di tulis dina smsna, jiga film nu diputer deui, kabéh tamplok, di implik-implikan ku reumbayna cipanon. Poé ieu papanggih deui. Geus pinuh ku rarancang, naon nu bakal dilakukeun engké, kudu laksana kalayan bisa nyugemakeun kuring jeung manéhna. Ngaliwat Nagrég, waktu ditawaran nyimpang ka rumah makan, manéhna gideug, kalayan paroman alum. Kaluar Kadungora. Mobil ngaleok ka Cipanas. Lebah panto gerbang hotél aya tulisan gedé ’KOSONG’. Manéhna teu gancang turun tina mobil, jiga aya kawegah dina haténa. Manéhna diuk di juru loby hotél rada nyingkur. Kuring nyampeurkeun resepsionis, geus beres terus maturan diuk. Teu sawatara lila aya nu nyampeurkeun lalaki gagah maké saragam hotél. Katingali ngajenghokna basa ningali ingkang garwa aya didinya. Kuring geus janji rék mantuan nepungkeun deui kaasih maranéhna duaan.

BROSUR

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 14:55:04

Sarérét mah siga Ayu Ting-Ting. Awakna montok. Keur pipamajikaneun mah cukup. Tapi, da angger, teu kapaké. Majar téh umurna leutik kénéh. Mun bisa mah umurna, nu dua puluh taun ka luhur cenah, ulah nu dua puluh taun ka handap. Kusabab sobat dalit, lieur-lieur ogé, kapaksa ku kuring téh dituturkeun kahayangna. Hiji poé. Kuring datang deui ka manéhna. Nawarkeun randa, boga anak tilu. Geulis. Sampulur. Tapi, keukeuh, teu kapaké kénéh. Budak tilu mah loba teuing cenah, beurat marabanana. Isukna, kuring datang deui, némbongkeun brosur. “Tah, mun ieu kakarék! Mun ti baheula atuh nawarkeun téh” Pokna. Ngomong kituna téh bari mukaan brosur. “Piraku wé, asal urang daék melakna, da binihna mah dibéré ti ditu. Atuh engké mun geus panén, hasilna dibeuli deui ku itu. Jadi urang mah ukur ngamodal tanaga jeung lahan wungkul” Cekéng, nerangkeun saujratna. “Heueuh, kaharti ku uing ogé. Dari pada lieur néangan awéwé, mending melak cabé!” Pokna, semu atoh.

BEURIT, ORAY, JEUNG HEULANG

Kénging Dadang Ismatullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 14:37:53

“Pék téwak sakabéh heulang!” nu maké jas sasauran.
Warga guyur.
“Yeuh! Ulah guyur, ulah tagiwur! Kami ngingu heulang, aya kauntunganana oge keur maranéh kabéh, disagédéngeun maranéh moal kudu hariwang deui ka anak hayam, maranéh oge baris meunang buruh!”
Warga surak, heulang ditarewakan, dikarandangan.

“Kamari, basa balik study banding ka luar nagri, kami manggih kadaharan anu bisa ningkatkeun stamina tur alus keur kasehatan; nyaéta daging jeung getih oray” nu di jas sasauran deui.
Warga gujrud.
“Maraneh ulah gujrud! Masalah halal-haram urusan kami, lain manéh oge diuntungkeun ku buruhanana, oge moal hariwang dipacok oray deui lin?”
Warga ngahaminan, oray dipunahan, dipeuncitan, dagingna disate, getih na diidangkeun.

“Ayeuna kami baris ngahakanan sakabéh pepelakan maranéh, sabab nu jadi musuh kami nyaéta heulang jeung oray geus punah, nya maranéh oge anu ngabantuan kami, jadi wayahna ulah handeueul, ulah hanjakal” nu make jas seuri nyakakak tuluy salin rupa, ngajirim beurit.

Warga bati molohok.

MUSUH BERSAMA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 12:06:15

Abong karesepna kana sepak bola , boga batur teh sagala urusan sok dipakuat-kaitkeun jeung sepakbola. Kaasup dina urusan keur mahabuna urusan tawuran antara kampung jeung kampung sakumaha nu diwartakeun dina televisi. Ceuk manehna mah cenah kajadian samodel kitu teh lantaran ku euweuhna musuh bersama. Contona papada bobotoh Persib alalakur jeung bisa ngahiji sabab boga musuh bersama , nyaeta Persija. Pon kitu deui bobotoh Persib jeung Persija ngadadak alalakur mun Timnas keur kabeneran aduhareupan jeung musuh bersama nyaeta Malesia. Nya kitu deui bobotoh Indonersia jeung Malesia dina piala dunia mah papada ngadukung Jepang nu sarua bangsa asia dina nyanghareupan musuh bersama nyaeta tim-tim Eropa jeung tim-tim ti Amerika latin. Tah kukituna mun Enonesa hayang ayem tengtrem teu riributan wae jeung sadulur kawas ayeuna, euwuh deui carana iwal ti kudu nyiptakeun musuh bersama. Kitu pokna teh ...

ARWAH TEU BISA DI AJAK KOMPROMI

Kénging Eulis Watidihati
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 10:51:25

Harita Wanci September 2012, dua minggon kapengker
nembe ngalongok Bi Rohana nu usiana 73 taun
Sareng putrana Kang Dadang usia 52 taun, asana ci keneh
gogonjakan 9 urang sadulu-dulur rame silih taros para putra-putrina.
Awal Oktober nampi sms saurna Kang Dadang parantos tilar dunya.
Teras Bi Rohana dicandak ku putrana Kang Wawan ka Sukabumi
bade titirah, teu acan ge ngalongok tos nampi deui sms ti lembur,
saurna Bi Rohanah ping 13 Oktober tos maot ... ..................
na asa na teh kamari ... masih ngobrol ... " Ieu urang Jakarta ... !!!
Kamana wae tara embol-embol "?
cekeng teh Bi Rohana naros bari mencrong leleb teu ngiceup-ngiceup,
sihoreng eta teh panginten pendak panungtungan ..........................
nu bungsu Kang Wawan 40 taun, ayeuna katingal rada mending,
awakna teu ririwit siga bareto geringan bae, kiwari rada meu-eusan
laju ka cageur saur Kang Rony putrana nu ka 2.
Tapina dalah dikumaha ari taqdir moal tiasa di ajak kompromi, pas malem
ju ma'ah - ping 18 Oktober Kang Wawan dipundut ku Gusti Alloh SWT,
teras kamari ping 21 Oktober - Salakina ti lanceuk salaki kuring di Jawa,
kaget kabina-bina soalna pupus di perjalanan harita nuju naek kareta
api bade ka Jakarta keun, tapi malaikat maut di perjalanan tos mapag
Mas Arnowo, harita nuju leleson/berobat di Rumah Sakit Nganjuk,
ditungguan ku istrina, ... duh Gusti Alloh Nu Maha Kuasa ... ....
Ieu Hate nalangsa honcewang ngarakacak naha gampil nyabut nyawa teh?

PROKLAMASI

Kénging Bunyamin Faisal Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 10:11:32

“Cinta urang srangéngé” cék Burhan. “Cinta urang bulan”, cék Nunung. “Cinta urang Majnun”, cék Burhan. “Cinta urang Laila”, cék Nunung. Di hiji beurang. Di hiji peuting. Dina kaayaan gélo. Dina kaayaan cageur.

Di sela-sela dahan kanyéré. Burhan jeung Nunung. Tembong keur tingaruyup anggur di hiji café. Jam 01.11.

TUKANG WADUL

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 10:07:47

Gék kuring diuk dina bangku—ningalikeun budak nu keur latihan badminton. Beuki alus budak téh maénna, ceuk haté.
“Putra, Pak?” ceuk lalaki galing begang gigireun kuring.
“Muhun.”
“Kelas sabaraha?”
“Kelas 6."
"Aya hareupan kelas 6 kénéh mah. Tapi, mun dilllatihna ku sayah mah moal kuat tah budak téh.”
“Kumaha kitu?”
“Atuh da gerakan sayah mah moal kaudag ku panon biasa. Gerakan sayah mah ti tukang tepi ka hareup ukur salengkah. Dampal suku tukang téh ulah antel ka taneuh. Dampal hareup wé nu kudu antel mah.”
Cageur teu ieu jelema teh? Gerentes kuring.
“Bapak terang teu nu boga gor ieu?” manehna nanya.
Kuring unggeuk.
“Tah, Rudi Hartono—nu boga gor ieu—kuat gogodeg ka sayah. Naha gerakan manéh kuat ka cepet kitu. Siga kilat. Teu kaudag ku panon, ceunah. Sayah seuri we.”
“Naon da nu boga gor ieu mah lain Rudi Hartono. Iie Sumirat,” ceuk kuring bari cengkat.***

SALAH BUMÉLA

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 10:02:08

Don andiprek na ubin. Ngeluk tungkul. Teu wasa neuteup hiji lalaki nu pinuh wibawa hareupeunana. Sakurilingna, 12 Jawara ranggéténg samakta ku pakarang.
“Saha ngaran anjeun?” Éta lalaki nanya, sorana ngeundeurkeun rohangan.
“Don. Don Quecot de la Mancha, Tuan,” Don ngawalon. Késang tiis milu ngeleper.
“Anjeun nyaho, saha nu dibéla jeung disumput salindungkeun ku anjeun?”
“Putri Giok, Tuan.”
Brak!! Hakim Gao ngagebrag méja. Don kokompodan, késang haneut teu kaampeuh ngagarajag.
“Salah! Lain Putri Giok. Tapi Ayén, buron makelar kasus nu ngageunjleungkeun ieu nagri.”
“Sadaya-daya abdi teu terang. Pangakuanna mah Putri Giok. Abdi percanten wé, margi asesorisna sing sarwa giok.”
Sajongjonan, Hakim Bao meneng. Bari teu eureun ngusap kumis jeung janggot .
“Lantaran anjeun urang deungeun, jeung teu ngahaja bumela kanu salah. Anjeun dibebaskeun tina hukumnan kurungan. Tapi. Dideportasi ti ieu nagri.” Trok! Palu Hakim Gao ngaragragkeun putusan.
Don Quecot dibaturan Rozinante, kudana nu satia. Mulang ka Mancha ninggalkeun Provinsi Anhui.

DINA SIMPÈNA PEUTING

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 09:11:40

Daun jeung kembang Samoja muguran waktu kababuk angin peuting. Indri nyokot kembang nu murag luhureun kuburan salakina. Nyèh manèhna imut, ingetanana kumalayang ka mangsa katukang. "Akang bakal tetep marengan anjeun salawasna," ceuk salakina harita bari nyelapkeun kembang Samoja kana buukna.

"Seungit kieu, Jungjunan!" ceuk manèhna bari peureum. Indri terus nyeuseup kembang. Mèpèndè hatè nu keur peurih jeung sono. Peurih nu taya papadana. "Engkang, abdi sono!" harèwosna. Nu ngajepat di jero kuburan ngagurubug. "Akang gè sarua, Nyai..!" jawabna, hanjakal teu kadèngè.

Panon Indri lalaunan beunta. "Engkang...?!" manèhna ngajerit. "Ulah reuwas, Nyai. Titadi gè Engkang aya di hareupeun anjeun," ceuk wujud salakina bari imut. Indri melengek mata simeuteun. Nu sono silih gabrug. Gujrud isukna, aya layon awèwè luhureun kuburan.

KORBAN KURBAN

Kénging Awan Iwong Ruswana
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 09:08:05

Bau hangru nyampulek, nyegak kana irung. Tulang taléng patulayah di gembrong laleur. Gunukan daging nu menang milah geus di kantong kérésékan. Nu di juru cikih, ngampihan hulu jeung cokor. Sawaréh écrak, parebut duruk létah jeung kanjut domba.

Sawatara. Nu di luar, jalma ngagimbung. Kolot budak, awéwé lalaki. Asa aing pang miskinna. Ting gorowok, ting jarerit. Teu sabar nungguan.

'' Mangga ! Palawargi. Supados tartib !, pembagian daging di kawitanan.'' panicia méré béwara.
Gebrul....,breg..., lir beungkatan bedah. Jalma séah, silih badug silih siku. Rarawél totojér. Teu nolih ka sisi ka gigir, sagala di rumpak. Teterejel muru panghareupna. Sieun teu ka agéhan.

'' Tulungan !, tulungan !'' Hansip gogorowokan, laju nyeledek ka tengah sagara manusa, maksud rék nulungan nini nini, nu ngajoprak. Kaguley, ka icak ku cokor cokor nu kasarad.

'' Innalillahi wa innailaihi rojiun'' Hansip ngagerenyem, mangku si nini nu tinggal jasad.

LAIN-LAINNA

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 07:15:23

Taya nu abdi, taya nu abadi, iwal ti Anjeun - Gusti Allah Azza wazala - nu welas asih.
Poé kamari aya nu gedé angkeuhan. Ngapimilik barang titipan. Poho ku dipopohokeun. Kabéngbat. Gedé teuing duriat.
"Heup! Wayahna eureun," nu megat maké kélébét konéng. Ngajega. Teu bisa kumaha. Serah bongkokan.
"Sakedap baé, uing ménta témpo," nu ngarenghik bari nahan kanyeri lebah tikoro.
"Kadongdora. Lain mangsana."
Nu balik bulucun, bati hanjelu. Titipan balik ka nu Mibogana. Bongan milaraan. Kiwari geus lain-lainna deui.

MANDI…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 07:08:16

Wanci janari leutik. Sora ngéar orok minuhan alak paul. Dipirig haleuang adan nu jadi bapa-na. Tiris-tiris gé, srog budak dimandian. Isuk-isuk janggélék budak geus gedé, laju mandi, saged deuk sakola. “Bral anaking, geura téang élmu panemu. Sing junun” Du’a maturan léngkahna. Pabeubeurang, geus sawawa. Nyiar kipayah dijero kantor. Hareudang. Ucul-ucul mandi, “Kokotor, sagala nyampak dina awak. Duh, Gusti! Hampura abdi” Gerentes haté. Wanci mumunggang gunung, “Tong tarik teuing, nyeri!” Jumeritna. Eweuh nu maliré. Nalika, keur dimandian….

BOGOH NOGÉNCANG

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2012 00:04:28

Malik ngéwa, ngagogoréng. Ungkara mamanis nu remen dikedalkeun robah jadi panyawad.