Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Oktober 2012 (41 Naskah)


JERO HATÉ

Kénging Anita Rohani
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 23:55:50

Dina jemplingna peuting, sanggeus salaki jeung budakna tibra. Rerencepan Ratna muji sukur ka Gusti pikeun kahirupanna anu méh sampurna. Nyieun kopi isuk2, salaki ngesun palebah embun2an (sakapeung mapay kana biwir), nyiapkeun sarapan, nganteur budak sakola, nampa rapot (tuluy nileyna alus), arisan jeung tatangga, balanja baju jeung perhiasan mahal, sapatemon saminggu dua kali, tuang enak di restoran mahal, weekend di hotel mewah (sapatemon ogé), nyarékan pembantu, ka salon,jeung sajabana.
Sabenerna, kalayan teu dipikanyaho ku manéhna aya hal anu dipopohokeun ah, ketang teu kahaja kapopohokeun. Enya siga nonton bioskop jeung babaturan, maké rok pondok tuluy ka pasar malam, nonton konser nidji,degdegan dicium ku kabogoh handapeun tangga sakola, kekebutan dina motor, ngopi pait, maca komik ti isuk nepika peuting di gramedia,gigitaran, sono ka kabogoh, ratug jajantung nalika pacepeng cepeng, tuang di kaki lima. Jeung sajabana jeung sajabana. Mun kitu, mana nu kudu leuwih disukuran?

JERO HATÉ

Kénging Anita Rohani
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 23:52:34

Dina jemplingna peuting, sanggeus salaki jeung budakna tibra. Rerencepan Ratna muji sukur ka Gusti pikeun kahirupanna anu méh sampurna. Nyieun kopi isuk2, salaki ngesun palebah embun2an (sakapeung mapay kana biwir), nyiapkeun sarapan, nganteur budak sakola, nampa rapot (tuluy nileyna alus), arisan jeung tatangga, balanja baju jeung perhiasan mahal, sapatemon saminggu dua kali, tuang enak di restoran mahal, weekend di hotel mewah (sapatemon ogé), nyarékan pembantu, ka salon,jeung sajabana.
Sabenerna, kalayan teu dipikanyaho ku manéhna aya hal anu dipopohokeun ah, ketang teu kahaja kapopohokeun. Enya siga nonton bioskop jeung babaturan, maké rok pondok tuluy ka pasar malam, nonton konser nidji,degdegan dicium ku kabogoh handapeun tangga sakola, kekebutan dina motor, ngopi pait, maca komik ti isuk nepika peuting di gramedia,gigitaran, sono ka kabogoh, ratug jajantung nalika pacepeng cepeng, tuang di kaki lima. Jeung sajabana jeung sajabana. Mun kitu, mana nu leuwih kudu disukuran?

HANJUANG

Kénging Aink Nya Awien
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 23:42:11

sareureuh kolot, ibu masih dituduh mukena. Lain rek netepan! Da tara elat nyanghareupan Gusti mah, rengse adan, prung!.
Paroman ibu, taya warnaan sambil Emok luhureun sajadah, ti mimiti netepan isya-nyandak ubar-bapa nu teu walakaya.

"Jagoan. . . Kadieu! Yap. . . BApa hoyong nangkeup" hariring nu kakuping ku murangkalihna nu tacan ngartos hideung-putih.
Luak-lieuk-olohok! "bapa! Tiasa ngadeuk!!, Nuju naun di lawang panto, tos wengi.. Kalebet pa.. Putra hoyong didongengkeun si kabayan ku bapa..sono. . ."

bari ngaleos, ngahiliwir sora "wayahna putra, jagoan bapa. Kudu bageurnya, Lalaki mah kudu bisa ngajagaan awewe, utamana ibu!"

nangtung, ngudag bapana ka lawang panto, ngan hanjakal kaburu ngalayang.

HANJUANG

Kénging Aink Nya Awien
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 23:41:46

sareureuh kolot, ibu masih dituduh mukena. Lain rek netepan! Da tara elat nyanghareupan Gusti mah, rengse adan, prung!.
Paroman ibu, taya warnaan sambil Emok luhureun sajadah, ti mimiti netepan isya-nyandak ubar-bapa nu teu walakaya.

"Jagoan. . . Kadieu! Yap. . . BApa hoyong nangkeup" hariring nu kakuping ku murangkalihna nu tacan ngartos hideung-putih.
Luak-lieuk-olohok! "bapa! Tiasa ngadeuk!!, Nuju naun di lawang panto, tos wengi.. Kalebet pa.. Putra hoyong didongengkeun si kabayan ku bapa..sono. . ."

bari ngaleos, ngahiliwir sora "wayahna putra, jagoan bapa. Kudu bageurnya, Lalaki mah kudu bisa ngajagaan awewe, utamana ibu!"

nangtung, ngudag bapana ka lawang panto, ngan hanjakal kaburu ngalayang.

KAHULAG NU LASTARI

Kénging Ronny Gianosta
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 22:56:27

“Wilujeng énjing dunyaaa…!” Lisan pasemonna sabada ngebak. Sagelas cikopi dina panangan. Laju ka tepas. Nyerebung badé ni’mat. Calik ngalageday. Neuteup sabudeureun. Dianteur galindengna Cianjuran. Rot deui. Serebung deui. “Duuunyaa, Jaaaang…!” Gerentesna sabot ngulangkeun leungeun. Gegebah. Mencrong. Rasa kaganggu ku nu galabar-geleber. Ngojéngkang. Nyokot tutup gelas ka pawon. Héhéotan. Barang ka tepas deui. Ngarénjag. Nénjo gegedoh kopi niru aksara. Dina méja. “Jungjunan, najan puluhan kamalir kungsi kalalar. Ieu asih salawasna ngamuara di anjeun. Hanjakal. Anjeun lain muara hampura. Pileuleuyan, Nung…!” “Kasebalan…!” Ni’mat regot panungtungna kahulag. paragat. Bareng jeung laleur ngambang jero gelasna….

BATIK NGANJANG KA PAGÉTO

Kénging Nyi Roro
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 22:29:19

Taun 1994. Aya nu kerung siga nu bingung. Aya nu nungkup bahamna ambéh seurina teu disada. Aya nu was wés wos silih haréwos. Aya nu ukur ngadilak siga ucing galak. Teu ieuh diwaro ku Iroh mah, lempangna kalahka beuki diguyat-géyot, rasa manéh panggayana. Keur kitu, Enuy ujug-ujug nyuruntul nyampeurkeun ka Iroh.
“Iroh?! Teu salah maké baju téh?” ceuk Enuy bari ningali Iroh ti luhur nepi ka handap, tuluy balik deui ka luhur.
“Naha kitu Nuy? Goréng?”ceuk Iroh teu ngarti.
“Moal enya maké baju kaluhurna batik kahandapna calana jins belel?! Kudu pantes atuh ari dibaju téh, éra!”ceuk Enuy.
“Hih, da pantés ceuk uing mah. Percaya geura, ké ka hareup modél kieu téh bakal usum!” ceuk Iroh yakin.

Taun 2012. Teu ngahaja Iroh panggih jeung Enuy. Sanggeus silih sun pipi, Iroh nilik-nilik baju nu keur dipaké ku Enuy, manéhna ngomong bari mesem, “Ceuk uing gé naon?!”

GURU

Kénging Setiadi Wungkul
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 22:11:30

Tengah peuting mikiran keur isuk. Naon nu rék ditepikeun ka muridna. Teu paduli keur kasusah nyangsang na awak sorangan. Unggal peuting ngadu'a. "Ya Alloh, jadikeun murid-murid anu kaajar ku sim kuring jadi barudak anu saroléh, barudak anu palinter, barudak anu bisa ngahontal cita-citana, barudak anu sukses". Teu aya deui anu dipikahayang iwal murid-murid bisa ngarti kana pangajaranna.
Tapi, gening kieu nyatana. Kasabaran nu kudu nerap kana diri. Isuk-isuk bagéan ngajar kelas, rupa-rupa anu disanghareupan nu ngaranna guru. Aya nu bageur, aya nu bangor, aya nu teu paduli, aya nu haré-haré, aya anu tiis, aya anu cicingeun. Tapi da keukeuh guru mah lain ngan saukur ngajar wungkul tapi ngadidik ogé.
Murid : "Bu, teu ngartos anu bagéan ieu téh?"
Guru : "Anu mana Edén? sanesna tadi dijentrékeun ku ibu".
Murid : "Da hésé Bu".
Guru : "Oh muhun.. Ku ibu di balikkan deui". (gerentes na jero haté, Ya Alloh cing dipasihan kasabaran da kuring hayang barudak téh bisa).
Di tungtung lawungan ku barudak resep kana pelajaran jeung barisa ngajawab bisa jadi kabungah. Kacapé, sora nu kaluar, sirna leungit taya urutna. Bagja temen ieu hate. Mugia mangpaat. Aamiin..

NU MULANG

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 21:15:48

Pikiran kumalayang ngingetan nu lain-lain. Kapeung mah sok teu kaharti ku pamolah salaki..? Mun keur bageur teu katulungan ku bageurna. Sabalikna, mun keur manggih karudet atawa amarah teu kapalang, diri kuring sok dijujurung mulang. Pon kitu, rajeun datang mangsa susah. Mungguh hirup papasangan sok nyorang senang jeung kasusah.
"Eulis!, najan engkang enggeus mulang, lain mulang samulangna. Pajar engkang balik teu pamit ka dulur jeung ka balarea, ulah salempang ngaran engkang tetep aya. Henteu laas hamo ilang. ngan pisik ku beda alam. Mung panuhun tinu geus sirna...., urang sami kedal lisan, nyingraykeun bangbaluh hate. Sanggeus urang pada ngumbar ikrar.............?!", pokna teu kebat.
Gebeg teh. Naha bet nembongan?. Astagfirullah. Ray poe tug ka minggu, datang bulan tepung taun. Manehna ninggalkeun mulang.

MÉNGBAL FUTSAL

Kénging Setiadi Wungkul
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 21:15:09

Hos hos sora rénghap karadapan ku barudak futsal. Teu karasa sésa waktu kari 30 menit deui da geus sajam satengah. Lulumpatan teu eureun-eureun ngan saukur hayang ngagolkeun ka musuh.
Dadan: "Cuy oper!"

Dédén bari lumpat ngagocék bal, jiga nu teu mireng sora Dadan. Tuluy mamawa bal ka sisi garis lapang. Brebet Dédén lumpat ngagancangan nepi teu ka udag musuh. Blewer!! bal ngapung ti sisi katuhu ka tengah. Sugan moal aya nu nyamber, ujug-ujug Dadan ngahéden satarikna, Blak! Bal nu sakitu tarikna ngapung ka gawang beulah kenca anu antukna mah, Gool!. Sorak emprak ti nu lalajo ka Dadan..
Naha kuring teu capé?? Oh, enya da kuring mah ngan saukur lalajo, teu boga kabisa cara batur. Batur mah geus jiga Cristiano Ronaldo, naha ari kuring?. Apal futsal gé karék kamari saprak kuliah.

MAKAR

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 20:46:29

“Jadi, kumaha, sapuk?” Ditanya kitu, nu keur ngariung di hiji rohangan, ngaharuleng sakedapan. “Moal disebut makar kitu, mun urang nyieun nagara sorangan?” Nu baju hideung, gigireun nu maké kaméja bodas, ngawanikeun karep nuluykeun obrolan. “Teu jadi masalah aya nu nyebut makar ogé, ari sakira-kirana hirup urang bakal genah merenah tumaninah mah!” Témbal nu maké jas hideung, bari ngaluarkeun roko Marlboro tina pésakna. Laju ngomong deui, “Dari pada hirup di nagara nu teu puguh alang ujurna, mending nyieun deui nagara sorangan” Jempling deui, haseup roko ngebul, mulek minuhan rohangan. “Ngaran nagarana naon?” Nu diuk di juru rohangan, ngilu ilubiung. Siga nu sieuneun teu diaku. “Tah, bener pisan, ngaran nagara naon?” Méh ampir babarengan ngomong kituna téh. “Barodo sia mah, nya nagara korupsi atuh ngaranna, maenya nagara nyandung!” Hoak nu maké baju loréng, bari ngagebrag méja. “Sapuuuuk!” Ceuk nu kabéhan. Ditungtungan ku surak, balakécrakan. Haseup roko Marlboro, mulek deui, minuhan rohangan.

WAKTU

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 20:25:22

Ngeunteung dina kaca. Tuluy nengetan tangtungan dirina. Geus mimiti réa nu robah. Awakna geus henteu paleungkeur deui. Pantes rék kitu ogé. Sab umurna geus henteu kaitung ngora. Minara gé kapan ayeuna manjing rumaja. Asa kamari dinangna-néngné. Waktu laju ngawangun carita. Minara, nu kiwari nyeplés mindarupa ti dirina. Jangjing awakna, kempot pipina, meles buukna, mungguh teu dipiceun sasieur. Paingan, mangkukna basa Om Hans ménta dibaturan ngobrol, manéhna pareng nyarita.
“Mar, teu minat pindah panganjrekan? Pindah ka imah nu leuwih gedé? Ké ku Om dibantuan keur finansialna mah. Asal.......... “
“Asal naon, Om?”, harita nyaritana bari nampeukeun beungeut, méh adek kana irungna Om Hans. Bari semu ogo, bari ngaréka imutna sina amis tur kareueut.
“Om hayang dibaturan ngobrol ku Minara. Sapeuting wéh.”

RASA NU NYALIARA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 19:51:15

Asa panasaran basa si Adung mere beja, api - api neang kebon jeruk, kakara deui kuring ngalantung pasosore. Imah kosong nu tadina cakueum teh ayeuna mah hegar dangiangan, alus piarana nu bogana ayeuna mah, ceuk beja nu boga imahna someah, hade budi basana jeung balaba ka sasaha.
Ti saprak bu Hajjah pamajikan kuring mangkat dalapan taun kaliwat, tara ieuh daek unjang anjang katatangga, bongan sok jadi omong jeung sok loba nu ngaku - ngaku, boh ngaku piminantueun, komo randa mah meni teu sirikna nyalamberan.
Dina sofa aya nu keur maca majalah, meni ngagebeg naha bet sarimbag jeung si jenat, bedana ieu mah leuwih geulis jeung leuwih ngora, paromana marahmay matak serab, serab ku lungguh timpuhna, kuhade budi basana.
Si Adung jadi batur pakumaha, paragi tatanya ngenaan dirina. Mun si Adung teu datang, asa kiamat dunya mun ceuk bohong mah. Beuu naha enya kuring teh keur puber kadua ?,ieu rasa jadi asa jaman baheula keur ngora.

RASA NU NYALIARA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 19:42:26

Asa panasaran basa si Adung mere beja, api - api neang kebon jeruk, kakara deui kuring ngalantung pasosore. Imah kosong nu tadina cakueum teh ayeuna mah hegar dangiangan, alus piarana nu bogana ayeuna mah, ceuk beja nu boga imahna someah, hade budi basana jeung balaba ka sasaha.
Ti saprak bu Hajjah pamajikan kuring mangkat dalapan taun kaliwat, tara ieuh daek unjang anjang katatangga, bongan sok jadi omong jeung sok loba nu ngaku - ngaku, boh ngaku piminantueun, komo randa mah meni teu sirikna nyalamberan.
Dina sofa aya nu keur maca majalah, meni ngagebeg naha bet sarimbag jeung si jenat, bedana ieu mah leuwih geulis jeung leuwih ngora, paromana marahmay matak serab nu ninggali, serab ku lungguh timpuhna, kuhade budi basana. Kaduhung naha atuh bet katempo sagala, balik ti kebon teh teu puguh rasa.
Si Adung jadi batur pakumaha, paragi tatanya ngenaan dirina. Mun si Adung teu datang, asa kiamat dunya mun ceuk bohong mah. Beuuuu naha enya kuring teh keur puber kadua ?, kuring bagja geuning rasa cinta teh bisa mawa diri asa ngora deui.

RASA NUNYALIARA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 19:39:39

Asa panasaran basa si Adung mere beja, api - api neang kebon jeruk, kakara deui kuring ngalantung pasosore. Imah kosong nu tadina cakueum teh ayeuna mah hegar dangiangan, alus piarana nu bogana ayeuna mah, ceuk beja nu boga imahna someah, hade budi basana jeung balaba ka sasaha.
Ti saprak bu Hajjah pamajikan kuring mangkat dalapan taun kaliwat, tara ieuh daek unjang anjang katatangga, bongan sok jadi omong jeung sok loba nu ngaku - ngaku, boh ngaku piminantueun, komo randa mah meni teu sirikna nyalamberan.
Dina sofa aya nu keur maca majalah, meni ngagebeg naha bet sarimbag jeung si jenat, bedana ieu mah leuwih geulis jeung leuwih ngora, paromana marahmay matak serab nu ninggali, serab ku lungguh timpuhna, kuhade budi basana. Kaduhung naha atuh bet katempo sagala, balik ti kebon teh teu puguh rasa.
Si Adung jadi batur pakumaha, paragi tatanya ngenaan dirina. Mun si Adung teu datang, asa kiamat dunya mun ceuk bohong mah. Beuuuu naha enya kuring teh keur puber kadua ?, kuring bagja geuning rasa cinta teh bisa mawa diri asa ngora deui.

GEBOG CAU?

Kénging Hanhan Saja
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 19:32:58

Waktu keur ngaminan du'a dina tahlil tujuhna, teu sangka Jang Hanhan datang. Sarerea asa dina pangimpian. Aya oge nu nganggap eta arwah nu ngajungjurigan. Sukuna lamokot ku taneuh, pakeanna geus dekil jiga geus ti mana boa. Barang hanjat kana golodog, nu tahlil ngadadak pabuis. Paburisat. Ustad Dadeng nu mingpin tahlil kapiuhan. Jang Hanhan ngahuleng. Tuluy nanya, "Tahlilan saha ieu? Saha nu maot?". Nu tarahlil ting arajleng kana jandela. Tipaparetot lalumpatan. "Ririwaaa..., ririwaaa...!", ceuk nu malabur jojorowokan. Jang Hanhan beuki kebek ku kabingung. Jol indungna ti dapur, "Hanhan... Kasep.... Anaking.... Da hate Ema mah teu beunang dibobodo.... Nu dikubur teh lain Hanhan...!". Pokna bari ngagalentoran Jang Hanhan. Ngawiwiw, sono pisan.

GALURA RASA 4

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 19:24:34

Baku ari geus teu puguh rarasaan téh. Hayang saré teu kaur reup. Hayang dahar teu kaur am. Marojéngja. Hayang nyuuh kana pangkonan ambu. Hayang ceurik dina lahunan apa. Ingetan rus ras ka ditu ka dieu. Aya nu beueus, laju nyakclak. Ci hujan nu ngagebrét, tatit pating belesur disusul guludug nu agem meulah kasimpé, nambah kalongkéwang. Galau ceuk budak ayeuna mah.

Majalah dibulak-balik, ngan diilikan judul jeung gambarna wungkul. Bororaah hayang maca. Pancén gé kaluli-luli. Tadina sugan bisa dikemu ku sorangan, embung ngabarubahkeun batur. Tapi geuning, hésé. Lahlahan nga-SMS Ki Lanceuk, anjeunna males SMS, nelepon, malah pasosoré kurunyung datang.

”Sing rajin ngadu’a wé. Mun terus manggih bagja, iraha atuh urang pangger nalika tunggara? Jodo, pati, bagja, cilaka mung Allah nu kawasa bla … bla … bla ….”
“Keun ‘Galura Rasa’ mah, engké gé tos waktosna pasti tinekanan,” ceuk Ki Lanceuk bari mesem.

Kuring ngarenjag, laju seuri konéng “Katohyan eung,” gerentes haté. ***

PAIT JADI AMIS

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 17:44:27

Pait naker yeu tèh, meni pageuh na genggerong. Beu, jalana ogè taringgul kieu nanjak mudun jeung aya nu rarumpil. Na hatè norowèco sorangan. Terus aya galindeng anu ècès. Teu meunang henteu anjeun kudu nyorang, teu meunang embung anjeun kudu nginum, sanajan pait ngadenghil. Pait peuheur wayahna, mun karep anjeun hayang laju. Ngan, saupama anjeun deukeut kanu nyieuna bakal jadi amis èta nu pait. Jalan tarahal ogè mun anjeun keyeng jeung keukeuh kanu pangluhur luhurna bakal bisa kahontal. Bral miang dibarengan ku hatè anu wening, tangtu bakal mulus rahayu. Kop inum anu pait, engkè bakal panggih jeung amisna. Kadè, ulah petot muntang kanu kawasa.

SARAGAM TURING

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 16:34:04

Ngilu riweuh basa salah saurang dedengkot grup turing rek mantu. Besanna urang Pangalengan. “Miang ti Bandung jam tujuh, aleutan mobil panganten di pihileulaan ku abringan motor balad turing!” Kitu peupeujeuhna. Sapuk. Nyieun heula kameja saragam, pamohalan resepsi mamake jeket turing mah.
Dina waktuna.rame pisan, bubuhan besan kaasup inohong. Kameja saragam turing masamoan, beda tinu lian. Keur anteung ngobrol aya nu nyampeurkeun. Panitia ti pihak panganten awewe jigana, make jas biru. “Pa punteun di meja palih ditu kateter tuangeunana,” pokna ka kuring. Rada ngahuleng, tapi gancang kuring ngajak babaturan supaya mantuan, naon anu perlu dibantu.
Waktu kuring jeung rombongan pamit ka besan. digireunana aya nu make jas biru tea. Manehna olohok basa kuring ngajak sasalaman, Kaciri kaisinan pok nyarita ”Aduh hapunteun bapa, ari manawi teh petugas katering, nu mawi abdi mundut supados ngabantos,” manehna sanduk sanduk bari popoyongkodan.Kuring ngan ukur imut kanjut.

CEURIK RAHWANA

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 16:20:13

Rahwana nyeuseup bagja. Teu siga bihari, Banondari jeung Sintawati, leah manah disaimahkeun. Sauyunan, repeh-rapih taya pisan pacogregan.
"Beu' nya'an, matih pisan parancah ti Abah Lemud, mah" ngagerendeng, bari nonghel tina balik panto, ngarasa bagja.
Koloyong, nyampeurkeun kanu keur ocon, sempal guyon gogonjakan tinggeuleukgeuk saleuseurian. Ningali ingkang raka ngarongheap, meh bareng ngabageakeun darehdeh pikaresepen.
Manjing waktu ngariung, gasik nyayagikeun kadaharan jeung lalawuh sejena. Gek, Rahwana diuk, diapit kudua bojo nu gareulis. Banondari ngaranggeum rema ti beh katuhu semu ogo, Sintawati lelendean tikencaeun. Asa legeg karasana.
Dua poe tiharita, guyur di imah Rahwana aya rajapati, bojona palastra duanana. Guyang getih luhureun pangsarean, ukur balati nu jadi saksi.
Rahwana ngabangingik, leuwih parna batan ceurik Rahwana nu eunggeus-eunggeus.

ELEH BABAR

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 16:05:07

Keteyep. Angserod. Rerencepan ngadeukeutan. Paninggali seukeut manco kana sasaran, inggis leungiteun udagan.
"Ayeuna geus waktuna sigana"
Congo bedil dilelempeng, pisir jeung sasaran geus dikeceng. "Door..!" "Beunang siah!" Meh bareng jeung sora bedil.

Colohok! Nu diweleh-weleh ngelepek, kalah angger ucad- aced. Hare-hare. Sakapeng malik nukangan jiga nu ngaledek, jeung ngaheureuyan.
"Hooor...! Kunanahaon ceunah? Aeh heueuh poho, acan dipeloran tadi mah meureun, duh aingah!" Kukulutus sorangan.

Isukna teu kapok. Geus campego deui. Angger rerecepan, teu geruh inggis ngagareuwahkeun, teu sirikna batuk ge ditahan. Pelor ayeuna mah teu poho najan menang ngajuk ngahutang. "Ulah nepi kagagal deui ayeuna mah" Cekeng, sumanget. Pisir bedil dilelempeng. Sasaran dikeceng deui. Acan ge dibekaskeun. "Door..!"
"Haha..., hampura Yi, beunang ku Akang nya!"
"Haruuuh, eleh pelor uy" Cekeng ngarahuh, bari melong Nyi Anis jeung Ulis Darja pakaleng-kaleng muru kana 'CRV'.

EUWEUH HARGANA KAJUJURAN TEH

Kénging Dedi Permadi Alfarizi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 15:56:36

Na ai kuring gawe di dieu the asa teu dihargaan pisan, piraku nu gawe na baleg jeung nu teu baleg di saruakeun?!! Kuring mah gawe di dieu oge pinuh ku rasa tanggung jawab. Nu lain teuing absen oge tara,
Gawe na lélét ,nu na mangsa rapat téh mun asup gawe ful bisa menang bonus ai ieu geuning bororaah,
Pas nanyakeun naha saya teu menang bonus??? Majarkeun téh kuring teu jujur dina absénsi…heug amun kitu mah, sim kuring mah narima gaji nu teu menang bonus, ngan teu nampi mun disebut gawe teu jujur mah…

BÉNTANG

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 15:50:58

Sono pisan kuring ka manéhna. Kuring hayang manéhna apal, yén kuring téh sono. Tapi teu apal kumaha carana. Harita basa kuring keur neuteup béntang, rasa sono kuring dibawa ngapung, ku béntang Pegasus. Nepi di langit, dialungkeun ka béntang Phoenix, panaseun. Dialungkeun deui ka Picses, tapi malah kakait dina Reticulum. Tuluy leupas ti éta, ngacleng kana Mensa. Rasa sono kuring reureuh didinya. Capéeun. Jol Horologium, manéhna ngingetan waktu, atuh reuwaseun. Treup, euntreup di Sirius, béntang nu pangcaangna. Tapi sirius teu kuateun. Tungtungna rasa sono kuring dibawa ku Cassiopeia ka Telescopium. Di dinya kaciri, jalma anu dipikasono ku kuring, keur duaan jeung Andromeda. Manéhna keur méré Corona, éndah pisan. Rasa sono kuring ragrag deui ka bumi. Anu ayeuna jadi béntang. Béntang nu taya ngaranan.

KAHURUAN

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 15:17:53

"Capè, ma abdi tos teu kiat nandanganana," ceuk Ihat bari ngagabrug indungna.
Segruk duaanana ceurik paungku-ungku, kusiwel emana ngaluarkeun duit saratus rèbu.
."Nuhun ma, abdi wangsul heulanya ma," Ihat pamitan bari nyium leungeun indungna.
Nepika imah kasampak salakina lalangkarakan dina balè," Ngaladog waè sia tèh, nyaho aing lapar hayang dahar."
Ihah ngaluarkeun kèrèsèk eusi sangu jeung deungeuna. Euweuh kaèra salakina tuluy ngahimbel dahar, disambung udud.
."Kadieu Ihat, pencètan yeuh tonggong kami," salakina molotot bari, tuluy manehna ngadapang .
Teu talangkè manehna nyiapkeun minyak, tarason, jeung elapna. Peureum beunta, salakina ngarasakeun leungeun Ihat nu ngageleser mapay urat na tonggongna, tuluy reup tibra. Ihat lèos kadapur wur minyak tanah diawurkeun, cèkes korek api di hurungkeun tuluy lumpat kaburuan. "Tulung-tulung imah kuring kahuruan" Ihat lulumpatan bari ceurik.
Tatangga rajol daratang. " Tulungan kang Ahyar di jero", Ihat gogorowokan. Jiga nu kasima, tatanggana kur olohok nepika, pareumna seuneu, jeung rerepnana amarah na hatè Ihat.

TEU APAL WAKTU

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 14:42:50

"Maaf pak sudah "TUTUP" ceuk salah sahiji patugas Kantor Pos..
Rét, kana jam tangan karek 01.38." Tidak bisa ya mas..? sebenarnya ini urgent mas, kalau enggak setor hari ini, motor saya di cabut sama bank, kolektornya sudah datang neleponin dari pagi, minta tolong ya mas" angger patugas gideg, "mohon maaf pak, dari jam 01.00 kami sudah tidak online lagi" bari nutup keun panto kantor. kuring ngajanteng, geleh!!

CAKCAK

Kénging Erwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 14:30:27

Nasib jadi budak kos. Sakalieun kolot telat ngawésel, jangarna kabina-bina. Teu bisa kukumaha. Sadar. Matak kitu gén, meureun can boga. Nu boga kosan bisa dibobodo, SPP bisa bulan hareup, ari beuteung? Sanajan teu boga duit, sapoé tilu kali mah, da geus ilahar kudu dieusian. Jiga poé ieu, ti isuk beuteung can kararaban nanaon. Cacing geus gemprah. Sirah uleng metakeun akal.

Sup, ka jero réstoran. Sanggeus pesen, gék, diuk di juru pang tukangna. Pesenan datang. Sangu jeung réncangna teu ditoél ieuh. Nyalukan saurang lalaki anu maké setelan jas. "Bapa, ménéjérna?" Unggeuk. "Naon ieu maksudna?" Bari nunjukeun kana mangkok sayur. Gebeg, manéhna reuwaseun. "Ngobrolna di rohangan abdi!" Ngaharéwos.

"Hapunten anu kasuhun, Ang! Ieu sadayana lepat barudak dapur. Mangga ieu ditampi artos ganti rugi, omat ulah dugi bocor kana surat kabar!" Ceuk manéhna. "Sing percanten, mung dugi kadieu," cekéng bari nampanan amplop. Sasalaman. Leos kaluar. Hahariringan.

BIZZARED LOVE TRIANGLE 3

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 13:50:37

Marojengja, nyanghareupan dua piliheun antara cinta jeung cinta. "Na ieu teh cinta atawa nafsu?" gerentes hate. Ret, ka manehna disagedengeun. "Pap, pami abdi hoyong nikah deui... numutkeun Papap kumaha?" nu ditanya ngarenjag. "Mun eta kahoyong Mamah nya mangga wae." walon manehna. "Tapi mun abdi teu mendak bagja sareng nu engke ditikah, uih deui ka Papap we nya?" nu ditanya nyeuleukeuteuk, ngaleos. Rey, cimata ngamalir. Euweuh alesan jang ninggalkeun manehna nu sakitu nyaah ka kuring sanajan aya rasa cinta nu sejen nyaliara dina sukma salila tujuh taunna. Enya, dua poe katukang, di hiji kafe di Lembang, "Ceraikeun Arya...." ceuk Kang Dudi ngagalentoran tonggong leungeun kuring.

KANYENYERIAN

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 13:17:06

Sedih kingkin. Kinasih, sumegruk sapeupeuting. Keclak cimata ngamalir na pipina, maseuhan bantal kamelang. Kinasih. Katalimbeng na puseuran kasedih nu nguwak-ngawik. Angkleung-angkleungan na jaladri kanyeri. Nyorangan. Inghakna marengan renghapna nu beurat. Kapeurih ngagalura jeroeun dada.
Nalar kabulen ku rasa. Pikiranana meredong. Poek. Sapoek duriatna nu peteng. Lantaran dipegatkeun tali asih ku jajaka pupujan hatena.

Poe ieu. Kinasih. Gilig. Gap ka na gunting nu lelencopna lir balati. Gunting dicepeng tipepereket. Diacungkeun. Sirahna ngeluk. Renghap panjangna seja nguatkeun patekadan.
Sret... sret... sret...!!! Buuk anyar ngecet pulas bulao diteukteuk. Diawurkeun. Dijejek, dikekesek. "Gara-gara sia, aing dipegatkeun duriat. Ayeuna keneh sia rek dicet koneng !!!" sorana ngajelengeng, meulah beurang nu gudawang. Inghakna robah jadi seuri. Seuri nu nyeri.

NAON MELONG...

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 12:25:45

Sup, ka warteg. Dijero geus aya tilu mangkluk carindekul nyanghareupan étalase. Teuing geus mesen, teuing acan. Uingah, nyalingker ka tukangeun étalase, da édék pesen deungeuna wungkul. "Dibungkus, Mas?" Ceuk nu ngaladangan. "Lauknya aja, Mba!" Maké basa énonesa, da di Semarang. Sabot kitu, ngarérét papelong-pelong jeung nu nyanghareupan étalase. Beungeut hideung, kongkorong ranté, awak gedé. "Naon melong?" Ceuk uing. Angger mencrong. Wah, nyieun gara-gara yeuh. Pikir téh. "Emangna uing wani kitu!" Gerentes haté. Lahaola wéh. Gep, kana gepuk. "Kicik.. kicik.. kicik..." Lung, ka jalan, nu maké ranté paboro-boro muru gepuk....

WEUREU

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 12:01:35

Reureuh nyeuseuh geugeuleuh neugtreug beubeur beubeureuh, ngeureuyeuh meuleum keuyeup reuneuh meujeuh beuneur. Keukeu meuleugeug, neuteup keuyeup meuweuh geuneuk meuleukmeuk. Meusmeus meureudeuy reuhreuy.
"Geuleuh, Ceu! Leuheung meuleum beunteur! Nyeubeuhkeun beuteung!".
"Ceuceu teu geuleuh! Beuleum beunteur geus seubeuh! Yeuh, teureuy!". Ceuceu nyeuneu, ngeupeul keuyeup geuneuk keur beuweungeun Keukeu. Neuleu Ceuceu ngeukeuweuk beuheung, Keukeu geumpeur jeung keueung.
"Heureuy, Ceu! Heureuy! Beuleum peuteuy, eudeuk Ceu?" Keukeu geugeumeueun.
"Peuteuy? Eudeuk, Keu. Meungpeung peuteuy keur meuhpeuy beuneur. Neureuy beuleum peuteuy jeung leugeut teureup, leuh eunceup, Keu!" Ceuceu meureudeuy.
Beungeut Ceuceu geus teu euceuy. Ceuceu jeung Keukeu ngeureuyeuh neureuy beuleum peuteuy teu eureun-eureun.
"Teureuy Keu, meungpeung seueur!" Ceuceu geugeut. Keukeu nyeuleukeuteuk. Ceuceu nyeukeukeuk. Ceuceu jeung Keukeu weureu beuleum peuteuy.

WEUREU

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 12:00:00

Reureuh nyeuseuh geugeuleuh neugtreug beubeur beubeureuh, ngeureuyeuh meuleum keuyeup reuneuh meujeuh beuneur. Keukeu meuleugeug, neuteup keuyeup meuweuh geuneuk meuleukmeuk. Meusmeus meureudeuy reuhreuy.
"Geuleuh, Ceu! Leuheung meuleum beunteur! Nyeubeuhkeun beuteung!".
"Ceuceu teu geuleuh! Beuleum beunteur geus seubeuh! Yeuh, teureuy!". Ceuceu nyeuneu, ngeupeul keuyeup geuneuk keur beuweungeun Keukeu. Neuleu Ceuceu ngeukeuweuk beuheung, Keukeu geumpeur jeung keueung.
"Heureuy, Ceu! Heureuy! Beuleum peuteuy, eudeuk Ceu?" Keukeu geugeumeueun.
"Peuteuy? Eudeuk, Keu. Meungpeung peuteuy keur meuhpeuy beuneur. Neureuy beuleum peuteuy jeung leugeut teureup, leuh eunceup, Keu!" Ceuceu meureudeuy.
Beungeut Ceuceu geus teu euceuy. Ceuceu jeung Keukeu ngeureuyeuh neureuy beuleum peuteuy teu eureun-eureun.
"Teureuy Keu, meungpeung seueur!" Ceuceu geugeut. Neuneu nyeuleukeuteuk. Ceuceu nyeukeukeuk. Ceuceu jeung Keukeu weureu beuleum peuteuy.

PAGUNEMAN EUSI SAWARGA

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 11:50:53

Jabir : " Punten dupi Akang naon anu djantenkeun jurus andelan dugi katiasa lebet kadieu ?"
Jabar : " Alhamdulillah Akangmah tara towong solat 5 waktu bari jeung berjamaah, zakat, puasa sareng munggah haji sadayana katatab, tara linyok bohong, sirik pidik, pasek munafek, jail kaniaya, komo bari minteranmah dipahing pisan ku akangmah waktos di dunya teh, Dupi Ujang kagungan amalan naon ?"
Jabir :" Ari abdimah rumaos sering bolong solat, puasa, zakat komo munggah hajimah da teu gaduh kanggo biayana, mung abdimah sering dibohongan, dipalinteran, dihianatan, seueur nu sirik, di paroyok, dihina, malih kantos di demo sagala waktos abdi di dunya teh, geuning pas dietang amal abdi janten seueur dugi ka tiasa sakavling sareng Akang !".
Kang Jabar ngahuleng bari ngagerentes dina hatena :" nyaan adil Nu Maha Kawasamah geuning!"

PONIS MATI

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 11:35:51

Keur husu ngitung beubeunangan poé ieu, bip HP Si Korup disada.
“Halo, saha ieu?”
“Wah siah, légég! Sababaraha kali ditelpon, teu ngajawab waé! Uing, Si Korun!”
“Oh, Korun? Sugan téh saha, aya béja naon?”
“Kumaha kabar di alam dunya? Gancang, énté geura maturan uing di alam kubur! Uing euweuh partner, euy!”
“Di alam dunya mingkin hésé waé rék korupsi téh! Komo geus ngadeg Komisi Anti Korupsi mah!”
“Aparat di alam kubur mah leuwih babari disogokna! Korupsi leuwih laluasa. Saran uing, gancang énté nyusul ka dieu!”
“Pan uingna gé can paéh!”
“Kieu wé, mun énté kacerek, langsung wé ménta diponis hukuman mati! Ulah banding!”
“Tah, ari kitu mah! Ayeuna uing rék korupsi bébéakan, tepi ka ngabangkrutkeun ieu nagara. Ambéh uing laksana diponis mati!”
“Heueuh! Omat, mun énté geus paéh, gancang ngoling ka uing! Oké, kitu wé heula, engké disambung deui. Ieu, aya aparat alam kubur nu rék ménta bagéan!”
Klik.

KAPAKSA

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 10:56:10

Guntreng jeroeun hatè. Lila-lila adu rènyom. Sarua bedas, sarua bedangna. Pada-pada nyekel pamadegan sèwang-sèwangan.
"Sorang jalan nu ieu, bras na ka Surga!"
Ceuk sora ti beulah kènca.
"Montong! Naraka ètamah!"
Nu beulah katuhu ngahulag.
Dur-der ti isuk parat ka sorè. Ti sorè ka sorè deui. Teu manggih kacindekan. Ngajengjen lebah jalan nu nyagak. Bingung. Mana nu kudu ditincak. Mèngkol ngènca matak kabita. Laju lempeng jalan tarahal, jaba poèk. Matak keueung nu ngalakonan.
"Kang kumaha, budak tèh moal ditambaan?"
Sora Pamajikan. Ngajelengèng. Norèkeun ceuli. Brèh...,anak dina juru mata. Mulan-malèn ngalemprèh. Kudu dioprasi. Reup, panon dipeureumkeun. Cipanon nu ngembeng tungtungna ngeclak. Murag ninggang tumpukan duit. Rumènghap. Kèsang renung dina tarang.
"Lah...,paduli teuing dosa nya dosa."
Kapireng, kang Udung ngagerendeng.
Gutrut nulis. Nyulap Laporan di kantor na.

TITINGGAL SI JENAT

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 10:24:48

Basa anjeun nyimpang, ngan ngomong, "Jadikeun imah urang kandang singa" Dua bulan tiharita, aya beja anjeun katewak soldadu Israel di Ramalah. Pleng. Nepi ka tadi peuting. Anjeun nepungan dina impian. Teu weleh geugeut, najan teu sempet nyacapkeun kasono.

"Mi, setoran dinten ieu." si Bungsu mawa gembolan. Eusina batu. "Koreh tengahna, Mi" Gorehel, granat 3 siki. Laju dipisahkeun, keur pesta anu campuh eta mah. Budak muru kaluar bari rada ingkud-ingkudan.
"Kunaon?"
"Biasa, Mi. Teu kieu-kieu acan mah, isin ku Abi atuh" Kuring ngarahuh. Geus aya genep tempat dina awak si Bungsu, anu tulangna parotong.

Peutingna gur-ger perang ragot. Bebekelan jeung setoran barudak loba anu ngabajong. Getih hideung patulayah di jalan. Si Bungsu balik wanci janari leutik. Muru enggona. Disimbutan. Sabot nungguan ngalenyap sakeudeung. Aya karep hayang panggih jeung anjeun. Enya geuning. Bari nungtun si Bungsu. Bangun reueus jeung bagja. "Hatur nuhun, geulis"

Adan subuh ngorejat. Ngaguyahkeun si Bungsu geus oyag kabeh.

NU EUREUN DI TUKANG TAMBAL BAN

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 10:01:55

Sore-sore, kuring nangkring jeung si bungsu di tukang tambal ban deukeut imah. Reug eureun mobil Kijang Innova silver hareupeun. Meuni ngagenclang. Supirna turun menta ban mobilna ditambah angin ka si Abang. Kadenge, di jero mobil ibu-ibu garumeulis keur ngobrol meuni uplek. Nu camerok tur halis ngajedig nu diuk pangsisina nolol ti jandela. Gelang emas di leungeun kencana--bangun nu ditembongkeun--parat nepi ka siku. Kikirincingan. “Pak, Kantor Flores masih jauh?” pokna nanya ka kuring.
Kuring ngahuleung sakeudeung. “Bukan Kantor Flores. Polres mungkin, Bu,” ceuk kuring.
“Iya, itu,” tembalna.
“Sudah dekat. Terus aja lurus,” ceuk kuring bari ditambahan di jero hate, “Kalau Flores masih jauh. Mentas laut.”
“Nuhun, Pak,” pokna.
Kuring unggeuk.
Kaca ditutup. Kijang maju.
Istri si Abang kuat ka akeuy-akeuyan seuri ngadenge Polres disebut Flores.
“Teu sakola. Duitna beak dipake meuli emas,” ceuk kuring ka istri si Abang. ***

NANGKA

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 09:19:32

Lain bobohongan ieu mah nangka di pipir imah kuring teh bener2 pungkil, amis kareueut, jeung legit tea, nepikeun ka jarami-jaramina. Najan leutik nangka teh, tapi berkah tatangga ge kabagi.
Tah ayeuna teh buahna usum ka dua, ieu mah nangka teh rada gede, jeungna deui ayana teh di handap pisan. Ti kamari keneh si Kang Emen salaki kuring geus ribut wae, urang ala cenah nangka na, tapi kuring ngahulag, da hayang asak na tangkalna, ambeh kareueut jiga samemehna.
Tapi ahirna kuring ge jadi panasaran, hayang gera ngala nangka, tungtungna kuring jeung si Akang ka pipir imah rek ngala nangka. Barang ditempo teh meni asa handeueul pisan singhoreng geus aya nu miheulaan. Kuring jeung Kang Emen batan ngaheruk we bari ningali tangkal nangka nu tinggal cupatna.
Keur ngahuleng kitu, di hareupeun imah aya nu unjuk salam, "Asaalamu'alaikum!". Kuring gura-giru ka hareup bari ngajawab salam. Barang dibuka panto, lol teh tatangga mawa sapiring nangka, seungit pisan. Teu karasa kuring ngomong kieu, "Naha nya bet jiga nangka sim kuring nu di pipir?". Reuwas, aneh, jeung rea-rea deui rasa nu aya nalika ngadenge jawaban tatangga tea jiga kieu, "Eh ulah sombong, ngaku-ngaku nangka bogana, naha bisa kitu ngieun nangka?, ieu mah nangka ciptaan Gusti Allah, jadi nu bagana teh Gusti Allah,ku kuring dipangalakeun, tuh ku kuring ge dibagikeun ka tatangga nu sejen oge!". Kuring jeung Kang Emen ngan bati olohok wae!

MEUNANG SAHA

Kénging AbahZenal Muttaqin
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 08:45:43

srangenge karek meletek basa kuring karek rengse jogging ngurilingan Pakuan, kesang luat-leet sa-awak-awak, hawa tiis subuh seger maturan kuring reureuh, dina teras hareup geus nyampak ci susu dua gelas jeung roti duaaneun, bari reureuh kuring muka map jadwal pigaweeun poe ieu, salah sahijina aya jadwal jam dalapan ngaresmikeun Masjid al-Ikhwan di pasisian Garut, jadi jam genep kudu geus miang.
mobil pengawal geus tapis babalicetan mukakeun lawang macet bandung, sapaparat jalan reuteum photo kuring jeung prestasi kuring salila jadi pejabat.
teu kungsi lila mobil geus eureun lebah gapura lembur, photo kuring ngebejega dina balgho ukurukan badag, jut kuring turun langsung disambut ku upacara adat, aya mang lengser sagala rupa, moal dicaturkeun meriahna acara ngabageakeun kuring, kalayan daria kuring mere sambutan
"........ alhamdulillah salami sim kuring janten pejabat, tos tiasa ngawangun 9000 kelas anyar keur sakola negeri jeung swasta, 200 Puskesmas, BArudak sakola haratis, Jalan mulus-- kusabab eta prestasi sim kuring kenging 69 penghargaan boh Nasional atawa internasional......"
dina dialog aya hiji lalaki kuleuheu begang jeung leuleus meuyeu ngacung
"punten pangersa, dupi rahayat nu mayar pajeg, nu mangmayarkeun waragad pangwangunan jawa barat, kengeng penghargaan naon....?"

HARBATNAS

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 08:18:28

Biasana poé Juma’ah maké baju batik téh, diselang ku baju koko. Rada kagét waktu maca ésémés tadi peuting, isukan kudu maké baju batik. Karék apal yén poé ieu tanggal 2 Oktober geus ditetepkeun jadi Hari Batik Nasional. Teu make batik ‘copét’ enya ‘tangan panjang’ téa. Asa rék dahar nguriling, jeung asa resmi teuing. Kabeneran aya batik lebaran can dipaké. Batik réréng sidomukti, modél dendys warna héjo sahéab. Si Bungsu rada lenger, ngaheureuyan basa kuring kaluar ti kamar. “Kasét euy si bapa! Hayam uing jiga bapa,” pokna bari nyeréngéh.Indungna nyenghél bari nyiapkeun sarapan.
Jam tujuh geus pasedek-sedek di handapan jalan layang. Aya nu béda ti sasari. Préman nu biasa nyaloan, parkir jeung ngatur bunderan, teu maraké baju. Kuring nanya bari nolol dina jandéla mobil ”Teu tiris euy teu maraké baju?” Ngasongkeun kencring lima ratusan. ”Hari batik nasional, Pa!” Pokna kalem, beugh! Awakna pinuh ku tato

TANJAKAN EMEN

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 08:02:14

'Turis Taiwan dan Cina jadi korban', kitu judul berita dina koran Tribun Jabar poé ieu. Aya sapuluh jalma nu maot di tilu lokasi, cenah. Naha beus bisa tiguling kitu? Jauh-jauh ti lemburna ngadon paéh di lembur batur. Asa karunya ka nu maraot téh, mangkaning kakara pisan. Kacipta kumaha sedihna kulawarga nu ditinggalkeun. Aya paribasa; jodo, pati, bagja, jeung cilaka mah geus diatur. Nu kieu meureun nu disebut takdir téh.

"Embung ningali kuring mah!" hiji lalaki mugen waktu dititah ningali layon kabogohna. "Mémangna kunaon, Kang?" salah saurang pagawé rumah sakit nanya. "Embung ah, sieun digabrug, da kitu kabiasaanana si éta mah," jawabna teu kireum-kireum. Nu aya di dinya pating laléos bari nahan ambek jeung seuri.

NGARÉKA CARITA

Kénging Hanhan Saja
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 06:07:24

Lima peuting carita tuluy digulanggapér. Carita nyata tina buku diropéa. Sarébu lambar dipurengkedkeun. Asa geus sampurna. Apungkeun. Ngapung ngajaul ka jomantara. Nyangsang di bulan. Aya nu ngajempolan saurang, gancang digentraan, dibéré nuhun. Datang deui nu ngajempolan, digentraan, dibéré deui nuhun. Saratus urang nu ngajempolan, saratus kamandang ti sorangan saukur nganuhunkeun. Beu...h. Jempol saukur tamba ngaliwat hungkul. Eusi carita teu matak panasaran dikamandangan. Lima poé masih ngapung. Pangluhurna. Lalaunan kahandap. Akhirna ngerelep. Cicing di dasar lapak. "Nuhun kanu parantos kersa maos!'', kitu tungtung kamandang nu ka saratus hiji. Ngapung deui sakeudeung.

ROROMBEHEUN

Kénging Wawan Darmawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2012 00:49:37

Basa tamat ujian ti sakola, manehna kacida jigrahna, sabab salian ti lulus teh, manehna ge katarima di paguron luhur nu aya di kota. Kabayang kebekna hate ku kabungah. Ngan hiji nu jadi kabingung keur manehna, teu sapira sih ngan saukur sukuna rorombeuheun. Teu kitu kumaha atuda nya gawe nya sakola. Bororaah nepi ka boga kabogoh jeung kolot ge panggih teh ngan peuting jeung isuk-isuk.
Ras inget rek sakola di kota. Kabayang gareulisna urang kota. Manehna terus mikir. Geus waktuna aing ngurus awak.
Isukna rebun-rebun manehna geus indit ka cai. Malum di kampung nu jadi pananggeuhan teh iwal ti walungan. Datng ka sisi walungan teu waka muka baju, lantaran kareret suku. Beu ... cek pikirna kasebelan.
Rurat reret manggih batu kasar, deker we ngagosok rorombeheun. Manehna tungkul tu mirosea batur.
Basa Jang Maman nyampeurkeun, manehna teu ngomong. Lantaran embung kaganggo jeung era boga rorombeheun. Manehna ngaleos ngadeukeutan leuwi. Pikirna ngarah sakalian dek mandi dina balik batu.
Datang ka lebah batu tea, manehna neruskeun hancana, ngagosok rorombeuheun. Kapeurih tia suku teu dirasa. manehna anteng ngagosok rorombeuheun. Pareng cengkat sirahna lieur. Gejebur kana leuwi terus ngalengleong ka hilir terus ka hilir terus tidagor, bacunur... terus ngangkleung bareng jeung kulit rorombeheun.