Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Séptémber 2012 (23 Naskah)


PASAMPANGAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 21:15:17

“Jung lumaku! Bral lumampah! Kadé salah jalan,” saur Mama. Ngajanteng lebah lawang padépokon réma-rémana nuduhkeun jalan nu kudu disorang. Tonggong leungeuna dicium. “Ulah ngalieuk deui katukang, Jalu!” geter kadeudeuh mancegkeun kamangmangan. Jalan satapak. Kénca katuhu rajeg tatangkalan paselang jeung rungkun saliara. Sakapeung kalimusa ngahalangan. Mun teu rajeun rurat-rérét areuy nu ranteng sok ngababuk tarang. Kalan bisa waé ngeurad beuheung. Ti sampalan ka samapalan. Ti gunung muru tutugan. Bat. Jalan lucir. Kandaraan balawiri. Pasar kahirupan gugupay. Pangbibita pating corowok. “Ramé geuning Mama?” gumerendeng satengahing bingung. “Teu nanaon kawasna sakadar nedunan kabutuh,” sup ka warung. Laju lumampah deui. Kitu jeung kitu. Beuki euyeub. Beuki ramé. Jalan but-bet. Pasampangan. Kénca-katuhu, tukang-hareup. Rupa-rupa sora kadéngé. Kitu deui lampu kandaran jurit pacaang-caang. Patarik-tarik laju. Tarang mimiti jangar. “Naha jalan mana nu kudu dituju?” ngahuleng miraga meneng. “....lain jalan jalma nu kénging bebendon ti Gusti, Jalu,” sada sora Mama humaréwos. Tapi peteng. “Enya jalan nu mana?”

BUDEG

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 21:03:51

"Taaah! Kabeneran aya Mantri Ija kadieu!" hate jadi bungah, nempo jinisna keur ngagidig muru ka saung uing. "Aya naon ieu teh? Jol nyerengeh weh?!" tanyana, kerung bangun curiga. "Pangmariksakeun ceuli, ih! Saprak remen ngabandungan beja ti nagri, ceuli jadi ngadadak budeg kieu yeuh?!" bari ngasongkeun ceuli, ngarah ditempo. Kusiwel, ngaluarkeun parabot ngintipna. Kareret manehna ngorejat. Reuwaseun. "Ku naon, Tri?!" cekeng milu reuwas. "Atuh jadi loba mangkelukan kieu?!" pokna, ngeper. "Mangkeluk kumaha ari Mantri?!" cekeng nyereng. "Hengkop we tempo ku sorangan!" bari ngalungkeun kekeran. Ana ditempo. Breh teh aya Foke keur gagaukan ceurik, alatan eleh pilgub. Aya Mentri Nuh keur pada nyarekan, alatan barudak sakola jadi resep tawuran. Aya Gan Amin Rais keur ngajejeleh Ahok. Aya Jokowi keur huleng jentul, alatan bingung pilampaheun. Jeung sajabana. "Kudu dikumahakeun, Tri?!" cekeng bingung. "Kumaha mun diportas?!" pokna.

ẼNDAH BALAYAR

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 20:43:44

Si Bungsu bungaheun. Nyaluyuan balayar deui. Nyanding bagja. Rumenghik genah dina rẽnghapna. Ngajojoan geter harẽwos. Ngayun ambing umpalan deudeuh. Rereged disieuh wayahna. “Mah..,” cekẽng. Nyẽrẽngẽh. Lahlahan. Hatẽ mah puguh teu wasa. “Hemh, Pa..,” imut bari meureudeuy. SMS ti Si Bungsu diasongkeun. Brẽh, keur ngalangeu luareun sakola. Teu bisa milu ulangan. Manẽhna kerung. Hapẽ diteueulkeun kana angena. Laju dicium. Gabrug ngarangkul. Aya sora haroshos, binarung aya nu ngeclak haneut kana taktak. Laju adu teuteup. Biwirna ngarenyu.Nẽmbongkeun sẽwu mamanis. Bari ngacungkeun jarijina.

KARAJAAN ABAD XXI

Kénging Acep Deri Cahyadi I
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 20:27:14

Maung boga kalungguhan anu luhung. Da boga kakawasaan, paroman sangar, unggal réngkak paripolah euweuh nu wanieun ngagebah. Kabéh nu dipikahayang pasti kudu di tedunan. Ti mimiti kendaraan nepi ka pamajikan, kabéh gé teu bisa nandingan. Si Maung layeut pisan jeung beurit, beurit cucurut, mun lalar liwat pasti kaangseu baunna, lain bau awak wungkul, tapi bau ku tingkah polahna sorangan. Si Beurit sosobatan jeung Maung lain pédah duduluran, ngan kabeungkeut ku Maung nu nyobat jeung uyutna si Beurit. Atuh nya puguh Beurit asa mobok manggih gorowong, aya cukang hamo meuntas, sagala di bikeun, sagala di pupujuhkeun teu neuleu kasta jeung kadudukan. "Dasarr Beurit!" Ceuk Ucing ngarenghik.

ANU HALON NGAGALINDENG

Kénging Nana Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 17:11:47

NGUNG-NGÉNG dédéngéan. Ti beulah kénca. Asa katorékan. Teu puguh déngékeuneunana. Sirah muih. Sora nanahaon éta téh, nya? Sora maung kitu? Da mani handaruan? Ah, lain. Da tungtungna ngajerit sora gajah. Tah, sada anjing babaung deuih. Tapi naha bet nyegrok kawas bagong? Deuh, nu ieu mah sora tegug. Tarik pisan. “Rorék tah cepil téh geura! Supados teu seueur dadanguan!”ceuk sora, nampeu kana ceuli katuhu. Rét! Taya sasaha. Mana atuh mangkelukna? Asa kumawani ngatur ka aing. Tapi curuk teu burung ngucek-ngucek liang ceuli. Ah, waduk! Angger tingjelengéng. Malah beuki bedas kadéngéna ayeuna mah. “Sia mah ngaheureuyan aing, goblog!” Nyentak satakerna bari nyiduhan langit. Ukur ngahéhéh. “Sanés ku réma ngarorékna!” pokna. Kudu ku naon atuh? Ku jara? Ku paku? “His, sanés!” pokna deui. Bangun ngadéngé kereteg haté. “Heueuh, ku naon?” Urat beuheung beuki rateng. Jempling. “Ku naon?” Jempé. Sabot jajantung hurung, halon naker ngaglindeng sora tasbih. Tapi ceuli nu katuhu kalahka ngadadak torék.**

KI TAYAR LIWUNG

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 16:57:08

K I Tayar ngalungsar dina haur gereng. Teu bisa usik. Wungkul ngahẽrang. Neuteup langit, haseup kuled rereged. Cimatana saat, balas beueus. Dikemitan sit uncuing. Nu reuteum na sela-sela rangrang. “ Aing mah teu kudu dikaremiitan, jung kaditu geura haliber ka dayeuh,” pokna. Semu haroshos. Barang keur kitu sit uncuing patinggeleber, patingbelesat ngajomantara. Ngurilingan mẽga kulawu. Bari ngabintihan reueuk. “Jelegur, jelegur.” Kadẽngẽ, di langit aya sora patingjelegur, handaruan. Reup, angkeub. “Ki, Ki.., geura turun,” balad Ki Tayar ngageroan. “Moal waka Aing mah, genah kẽnẽh kieu, jung kaditu geuwat geura baralik euy, wayahna..!” Jawabna. Semu ngahelas dumareuda. Laju ngahariring lagu kidung, kagandrung. Ngalanglaung. Melas-melis. Mirig peteng.

ATM BJB

Kénging Dadang Y. Irawan
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 15:08:08

Duka kumaha pami ningal Si Eta teh sok ujug-ujug nyel wae eusi dada teh. tingselekit. tingseredet. Rasa geuleuh jeung ceuceub ronghok tina jero dada. Komo mun nenjo si bungsu ngear peura hayang nyusu mah. Padahal da Si Eta mah teu salah teu dosa da cenah kumaha ti luhurna. Nu kawasana. Manehna mah ukur sakadar jadi corong wungkul sina ngocor ka nu boga hakna.
Tapi sanajan geus cangcaya ge rasa panasaran mah angger ngeleketek dada. Leok ka tempat parkir perkantoran. Sup ka jero. Kutak-ketik. Jol tina layar monitor: Saldo Anda masih seperti yang dulu!!"

AING-NA NU NANGTUKEUN

Kénging Ilen Kardani
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 13:05:41

Baratayuda geus menta ratusan korban, bukti pisan yen Dangiang Dorna hiji pandita sinatria nu sepi tanding. Pasukan ti Pandawa euweuh nu metu mapakan jajaten Dorna di medan Kurusetra. Aji Sir Wenda Danur Wenda warisan ti Sanghiang Ismaya jadi gunung pananggeuhanana, dipikagimir saalam pawayangan.

Semar, nu taya lian ti Sanghiang Ismaya, ngagentraan Batara Kresna, nuduhkeun yen Aji Sir Wenda Danur Wenda moal bisa ditalukeun ku nu sejen kajaba ku nu boga ajianana. Demi Kresna, titisan Dewa Wisnu, apal pisan kumaha ngapeskeun jelema kucara mangaruhan AING nu aya disajeroeun Dorna. Sumanget hirup Dorna bakal tumpur lamun Aswatama, nu jadi anakna, euweuh dikieuna.

Pondok carita, Aswatama ditelasan laju diumumkeun ka saalam pawayangan, tug nepi ka Dorna. Leuleus lir kapuk kaibunan, kapas kapanasan, leumpeuh satulang sandi. Dangiang Dorna nyieun KATANGTUAN, menta dipungkas umurna ku Dewi Srikandi.

BASA UING ANDIPREK

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 12:47:02

Uing andiprek di dieu, handapeun kokocoran cai. Sanggeus manéhna ngajéngkat bari ngabanting panto, ngaburakeun sakabéh napsu iblisna. Uing niis bari ngararasakeun caahna cai dina sirah. Nyimbeuhan haté nu ngagugudag ku amarah. Uing andiprek, handapeun cai nu terus ngocor. Beuki lila cai ngocor beuki gedé, ngagulidag. Umpal-umpalan. Ngagusur awak nu geus raca pinuh ku tatu. Uing ngangkleung dina umpalan, tepi ka muara. Datang ka sagara. Digulung ombak nu tingjelegur neumbragan karang. Uing beuki rosa dibuntang-banting. Leungeun ombak ngabenyéng awak nu geus rangsak. Dijungjungkeun ka luhur. Luhur pisan. Laju ditinggangkeun…gejrét! Pejét dina huntu karang nu sareukeut.

NAON SALAH KURING?

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 12:39:55

''Cicing maneh, montong loba ceta!'', omong nu buukna ngariringkiwik badis kuntilanak bari nyuntrungkeun dada kuring, tangka ngadangheuak.
'' Heueuh tah jejewerkeun, naon maksudna maneh ngaku-ngaku kungsi jadi selir raja, pan maneh mah ngan ukur dayang gunung deuleu'', Ceuk nu buukna siga Demi Moore, ngan ieu mah turundul culcel. Sed saeutik ti jalma hudang gering panas ngagigihan. Curuk rintikna acung-acungan. Ngan wasa ngegelkeun biwir, nahan nu nyereg hayang bedah. Ngagendok.

Nu harianeun mah sakadang raja. Naha bet kungsi mihapekeun lodongna ka kuring, sanggeus lahangna ku kuring di eusikeun, mudal budal badil leleberan. Cul leos. Malah ngangles susumpahan, pajahkeun teu kungsi mihapekeun teuteundeunanna ka kuring.

DUNHILL

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 12:22:28

Keur anteng leumpang nikreuh, lar aya motor ngaliwat lalaunan. pelengseng minyak seungit anu nyuaykeun ka jaman keur lengoh. Asa apal kana ieu minyak seungit tèh, hatè norowèco bari panon mencrong kana motor anu laju. Ukur katinggali pundukna jeung awakna nu bayuhyuh. Tepi ka kantor, paamprok deui. Èh nu tadi kana motor tèa ning, ceuk hatè teu kebat. Diuk pahareup- hareup na korsi tamu, nyèh imut bari silih teuteup sajongjonan, kapireng geus aya buuk bodas kitu deui na kumis anu jadi kameumeut baheula. Nalangsa waktu anjeun ngabeubeutkeun ali anu napel dina jariji kuring.Emh..minyak anjeun angger kènèh Dunhill. Sabat ngahuleng, mangga kalebet badè ka bapak kepala mah, saurang lalaki ngagareuwahkeun lamunan.

CHARLES - LATIFAH

Kénging Hanhan Saja
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 11:35:26

Nyi Latifah Magdalena lami bobogohan sareung Jang Charles Izzuddin. Para sepuh dua-duana teu daroa. Namung back street wae. Rengse Nyi Latifah minggonan di Gareja, Jang Charles ngabageakeun handapeun tangkal Zaitun. Nuju uplek ngalobrol ngong adan lohor. Giliran Nyi Latifah ngantosan Jang Charles natepan. "Ya habiibii, a da'awtalloha an yulayyina quluuba waalidaynaa kamaa layyanhul hadiida lidaawuud...?", walon Nyi Latifah nyambut Jang Charles geugeut nakeran. Jang Charles imut leleb, "Balaa ya habiibatii...!, saurna. Teras mapah ngarendeng mapai jalan sisi kebon jeruk. Reg liren palebah parapatan. "Ilaalliqqoo ya habiibii", "ma'as salaamah!", paturay. Teras silih dadahan. Bari manah-manahna teras garalecok sajajalan muru padumukanna sewang-sewangan. Sepuh-sepuhna keukeuh teu daroa. Kaharoyong nikah lumpatna laksana. Enjingna. Bledag. Nyi Latifah ngabitukeun salirana palebah puluhan soldadu Yahudi. Jang Charles nyusul di pos militer sanesna nu dijagiaan ku puluhan soldadu Yahudi oge. "Tu'aaniqul kanaisal qodiimah, wa tamsahul huznaa 'anil masaajid..." Fairuz teras ngahiring. Wartana sumebar sa Palestina.

TOLABUL ILMI

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 10:52:06

"Tétééh... ukeun buku hiji!"
"Gustiii... maenya unggal dinten gentos buku?" Bari song buku anyar.
"Nu kamari duka di mana. Teu kapendak!" Rét kana jam. Leuh, satengah jam deui. Paspasan!
Bus, bus. Wadah patlot. Hapé. Kacamata. Wedak. Lipen. Rurusuhan dikaos kaki. Si Bibi ngasupkeun timbel. Si Bungsu nyodorkeun sapatu. Si Tétéh makékeun jékét. Bapana manaskeun motor. Bismillah. Nyiar élmu. Nganyaran deui.

REKONSILIASI SUKU GUNUNG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 10:48:30

Sataun ti saprak Apa mancén tugas jadi tentara, jelegur kajadian 1965. Meunang sataun satengah Apa konsinyir di daérah nu perenahna di suku gunung. Bérés konsinyir, Apa balik deui dines di batalyon tug tepi ka pangsiunna. Geus pangsiun mah teu deui cicing di asrama. Pindah padumukan, ka daérah nu baheula Apa tugas konsinyir.
Apa kungsi carita, nataan sababaraha urang lembur suku gunung nu harita kabaud kajadian 1965. Ti mimiti nu dianggap kokojona, nu ngan pipilueun, tepi ka nu ukur katulis tonggong. Ceuk Apa, nyarita kitu téh euweuh maksud nanaon. Ngabéjaan wungkul malar kuring apal. Ka dieunakeun, kuring wawuh ka maranéhanana. Ogé sosobatan jeung anak-anakna. Nguntun asih jeung urang dinya.
Waktu kuring nikah, Apa nungkulan. Kuring ngadahup ka anakna nu kungsi ditataan ku Apa.

GANDRUNG

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 10:15:55

Saban poe indit gawe ngaliwatan kantorna, geus maneuh pasti keur ngabedega jiga nu ngahaja ngadagoan, manehna seuri kuring cukup ku unggeuk, ngan sakitu teu kurang komo leuwih mah paralun teuing.
Geus aya dua mingguna, teu katingali jirimna, di lieukan teh lebeng teu panggih, si bapa seragam hejo nu sembada teh jiga nu ngiles, ma enya ari ngahiang mah?
Saprak manehna ngaleungit, jadi teu puguh rarasaan.

ANAKING

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 10:15:10

"Deudeuh anaking. Sakitu hidep sakieu kasépna. Naha? Naha bapa hidep bet téga?"
Tarang budak diciuman. Ditangkeup pinuh kadeudeuh jeung kaasih.
"Baheula mah basa keur nyieun hidep, ngajawabna téh mani tegep, 'Rék tanggungjawab'. Geuning sulaya tina buktina mah. Kalah kabur euweuh raratanana."
"Teu kénging waka cengkat, Néng, bilih kumaonan!" Ceuk paraji anu bieu mantuan kuring ngajuru.
"Teu kunanaon, Ma. Tos kiat da."
"Dieu atuh Si Utun ku Ema cuang pangku?"
"Keun waé, Ma. Badé teras wangsul waé."
"Har ari Néng! Mending di dieu heula meunang tilu-opat poé mah!"
"Wios, Ma, teu nanaon. Nyaanna ogé kiat. Manawi kagungan kérésék, Ma? Kanggo ngawadahan acuk budak."
"Ieu, Néng, aya."
"Nuhun, Ma."
Teu dililakeun deui, léngkah muru lajuning waktu. Di satengahing jalan, léngkah ngarandeg. Budak diasupkeun kana kérésék. Laju diteundeun dina jarian.
Suku ngaléngkah deui. Satepina di sisi jungkrang, léngkah ngarandeg deui.
"Anaking! Mugia urang tiasa patepang deui."

KI TAYAR LIWUNG

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 09:38:30

K I Tayar ngalungsar dina haur gereng. Teu bisa usik. Wungkul ngahẽrang. Neuteup langit, haseup kuled rereged. Cimatana saat, balas beueus. Dikemitan sit uncuing. Nu reuteum na sela-sela rangrang. “ Aing mah teu kudu dikaremiitan, jung kaditu geura haliber ka dayeuh,” pokna. Semu haroshos. Barang keur kitu sit uncuing patinggeleber, patingbelesat ngajomantara. Ngurilingan mẽga kulawu. Bari ngabintihan reueuk. “Jelegur, jelegur.” Kaẽdẽngẽ, di langit aya sora patingjelegur, handaruan. Reup, angkeub. “Ki, Ki.., geura turun,” balad Ki Tayar ngageroan. “Moal waka Aing mah, ngenah kẽnẽh kieu, jung kaditu geuwat geura baralik euy, wayahna..!” Jawabna. Semu ngahelas dumareuda. Laju ngahariring lagu kidung, kagandrung. Ngalanglaung. Melas-melis. Mirig peteng.

TAWURAN

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 09:19:57

Tarompét perang ditiup ku dua rombongan nu geus adu hareupan. Awak geus siap papisah jeung nyawa. Wani nyanghareupan paéh demi ngabéla kayakinan diri nu can tangtu bener. Umur keur ditarohkeun di médan laga. Rakib jeung Atid sibuk nyieun catetan amal bari manco. Atid catetanana leuwih loba batan Rakib. Naraka nambahan deui pangeusina.

POE MINGGU

Kénging Teh Zaneta
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 08:52:50

Ngarasa poe minggu, kula teu geura - geura hudang. Nurutkeun kahayang hate gular goler bae luhureun kasur lapet.
"Bu makan" budak nu panengah ngagorowok.
"Bu lapar" si bungsu mairan.
Ari kitu, ieu tah poe Minggu lain ? Cenah poe libur.
Kuniang cengkat, leos ka pawon. Ret ka juru setrikaeun ngagunung, ret ka jamban seuseuheun ngabrugbrug, kumbaheun patulayah.
"iraha atuh liburna ?"

BATUR CURHAT …

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 08:04:11

Trilit. Sora sms. “Aa, tiasa ngobrol sakedap?” Kuring ngahuleng. Gap, kana HP. “Aya naon?” Ngan sora ingsreuk nu nembalan. Lila simpé, sibuk jeung sawangan séwang-séwangan. “Abdi tos teu kiat, A! Teu bisa dipercaya manehna mah.” Mudal kabéh katugenahna ditampanan. Ngarangsakan haté. “Sing sabar, tong saruana…” Ngupahan sabisa-bisa. Meunang sabulan, eweuh deui bejana.

Trilit. Sora sms. "Aa, Bulan November Abdi Nikah!" Alhamdulillah, sukur akhirna anjeun daulat ngajodo. Reumbay cimata. Aya nu nurihan dina dada...

SO AKRAB

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 07:44:58

Sarangah-serengeh eta si Bapa-bapa teh terus nyepeng peupeuteuyan nyi mojang bari ngomong daria pisan," Aduuuh geulis, geuning meni tos saageung kieu, ih kapungkur mah alit keneh pisan !" pokna kitu teh bari ngajembelan damis nu geulis, nepak-nepak pingping jeung bujur eta nyi mojang, "Komo nu ieu mah yeuh baheula sok mipisan Bapa mun ku Bapa dipangku teh" pokna bari ngajembel palebah etana si mojang. Nyi mojang colohok pok tumanya " Ke.. ke... naha ari Bapa teh saha nya ?" pok eta jalma ngajawab bari ngaleos "Nya lain sasaha Neng dumeh kabita we ningali Nyai sakitu mongplona !" Si mojang ukur gigisik bari garo-garo teu ateul.

KINANTI

Kénging Ai Aisyah Rosyati Kartiwi
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 05:43:30

Gek manehna diuk dina samak nu ilahar dipayunan ku rayina nu katingal ajrih kacida ,
Rayina enggal ngalahir " duh engkang nyanggagen bebendon ti akang wireh rayi tos kumawantun ngadeuheusan jisim raka"
Rakana gumujeng manis . "bagea teuing rayi , yap kadien bageur , akangmah bungah kacida ,kadatangan rayi akang nu dipiasih ,mangga aya naon bageur ?
hatur nuhun, rayiteh hoyong ngadangu Kinanti tea .mugi akang ulah bendu galih . rakanya sigeup ,tatan 2 rek ngaguar kahayang rayina,teras anjeuna ngagalindeng ." Ieu kinanti ngajurung supaya sami ngajaring, malar2 jadi terang,terang dijatina kuring,kapan teu ay kakirang, pepek karana dijaring.
Numawi jalmi teh kudu ,amis basa alus budi,kusababna henteu beda.sing inget asalna tadi.
Mangkade ulah kalangsu ,masing kenging eta sosi,sosina anu kawasa,sangkan urang henteu risi, geus kenging tangtos ngarasa,paeh moal aya risi.
Tah rayi sakitu heula sok manahan ku hidep .

NU KALABUR

Kénging Irawan Babéh Lova
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2012 04:21:20

Sungutna caralangap. Pasesedek. Nu leutik pendék ngajerit kagencét nu jangkung ipis, dumuk manéhna gé kaséréd kunu gendut pendék. Pahibut, garandéng. Jarempé sotéh dipolototan bari diancam moal dikucuran kunu jangkung gedé puluhan kali lipet ti maranéhna. Nu barogana kituna mah, ngadon ongkoh-ongkoh wé parebut antayan. Pagedé-gedé haok, majar panghareupna ngantaykeun. Ari diparénta udunan pilakadar jang méré tanaga kanu rék nganteuran mah, tinglaliud, garo-garo teu ateul. Diwates aturan literan gé ceulina jadi barudeg. Barang srog téngki nu tas ngala cai haratis ti gunung datang, ujug-ujug kabéh jarikén nu geus diantaykeun téh kalabur. Nu ngabecir mah, nu ngarapung mah, bari teu elat ngaléléwé jalma nu barogana.