Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Kalénder Fikmin • 02 Séptémber 2012 (33 Naskah)


REKONSILIASI

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 23:18:09

“San, teang Si Pongo!”
“Siap, Dan!”
Teu lila. “Aya laporan, maneh sok pipilueun kagiatan pulitik kelompok eta, nya?” ceuk komandan.
“Pipilueun naon? Kuring mah tara ula-ilu nu kararitu. Teu ngarti!”
“Tapi ieu aya laporanana!”
“Saha nu ngalapor? Kuring mah ukur urang pasar. Tara pupulitikan!”
“Maneh kungsi ngabantuan kana kagiatan eta kelompok!”
“Rek kelompok bandera ieu, bandera itu, kuring mah ka sakabehna ge teu weleh ngabantu. Jeung deuih, da maranehanana ti heula nu ngasongkeun pamenta teh. Kuring mah darma ngabantu. Nya ku duit, aya kalana ku beas. Sakamampuhna. Ihlas.”
“Wayahna. Kuring kadar ngalaksanakeun parentah!”
Tanpa pangadilan, meunang genep taun Si Pongo di sel. Lagu bebas, sakabehna dikeureuyeuh deui tina enol. Dulur-dulur ngajarauhan. Tatangga euweuh nu wani nyampeurkeun. Lembur bet asa parongpong. Aras-urus itu-ieu kudu wae dilengkepan katerangan bersih lingkungan. Kaitung lila kartu identitasna ditandaan.
Nalika ngawinkeun si bungsu, bebesanan jeung komandan.

UGA SANGKURIANG

Kénging Gus Manz
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 22:48:48

Daréngékeun! Ngke jaganing isuk pagéto lamun emas hideung geus béak, jalan beton jeung jalan tol bakal teu pati guna. Tutumpakan baralik deui maké kuda atawa keledéi.

Ngké bakal loba kandaraan listrik anu ngagulantung tina menara nu luhur ka hiji dataran handap. Kandaraan nu ngagulusur bari ngahasilkeun energi listrik nu terus disimpen dina batere ku jalan ngarubah energi potensial gravitasi.

Parahu anu ku ngaing pernah ditalapung bakal batuk jeung ngaluarkeun dahak, omat urang Parongpong kudu ngungsi ke belah kidul! Urang Lembang geura ngungsi ka wetan. Urang Kota uyah kidul geura areling! Maraneh bakal kabanjiran kusabab sok miceun runtah sangeunahna ka walungan.

Jig geura narindak! Tapi, sing eling jeung sadar sorangan, ulah ngandelkeun teuing polisi, jaksa jeung KPK!

RADÉN

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 22:26:45

Kekebul tingsarangsang dina dangdaunan. Halodo panjang entak-entakan. Sawah gararing, kebon tarelaan, susukan meni ngolétrak. Keur kitu mah, hujan téh kacida diarep-arepna.
“Mun usum hujan cunduk, meureun uing moal capé teuing ngalaan cai ka Radén, Ma.”
“Enya, wayahna wéh. Keun, da lain urang wungkul.”
“Ma, kamari basa uing ngala cai jeung Kang Adut, aya patugas kelurahan keur ngadongdon ka Radén. Datangna téh bareng jeung bapa-bapa budayut nu matana rada sipit. Tuluy patugas ti kelurahan akar-ukur salegana tanah Radén. Ceuk Kang Adut, di dinya téh rék diadegkeun kolam paranti ngojay cenah mah, Ma.”
“Gusti. Tulus meureunan. Baheula, basa jenatna bapa manéh jadi punduh, kungsi éta hal téh ditepikeun ka Ema. Ngan, bapa manéh kaasup salah saurang jalma anu teu panujueun lamun éta hulu cai rék disulap jadi tempat ngojay. Tungtungna, kapan bapa manéh kieu nasibna”
“Bapa téh dipaéhan ku nu ngageugeuh Radén, Ma?”
Indung jeung anak téh tuluy papelong-pelong. Teuing naon nu aya dina wangwangan séwang-séwangan.

PALEBAH MONTENG

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 21:48:06

Cindekul. Nyeuseup tiap keprul kekebul nu mulek, mulas koneasna jukut jeung dangdaunan anu parerang kagaringan.
Mulan-malen anjaclang ngumbar harepan, ngitung balawirina rasa nu pagaliwota, dipapaes kahariwang nyiar pangjugjugan.
Rame geuningan, jalan anu netek, mites lebah lengkob nu caneom, ayeuna karasa hegar. Dialokan hegakna ambekan jeung jumeritna kandaraan nu kumareumbing napakan jalan liliwatan, karasa mere dangiang dina kahirupan anu saar.
Geus lawas ciibun karungkup ku kandelna kekebul, hujan silantang ukur aya dina sawangan. Sanagori ngalengis, nitip galindeng asih dina hiliwir angin nu teu wasa mere katingtrim.

LAMPAH SATO

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 21:46:28

Indung Domba bati ceuleumeut. Geugeut. Ningali anak si Belang keur meujeuhna kumincir. Torolong ka kalèr, torolong ka kidul. Sakapeung ngajengjen, ngadon ngeunteung dina genclangna beungeut cai. Mungguh matak kayungyun nu ningali.
"Duh aya kulucu."
Indung Domba gumalindeng. Berebey cipanon teu ka ampeuh, ras ka anak nu ilang saminggu ka tukang.
Hatè asa kaubaran. Anak si Belang ngalèndèan. Teu asa-asa mikanyaah. Unggal poè dibarengan.
Abong budak, teu beunang diulah-ulah. Sayang Èngang diheureuyan. Burudul...,indung Èngang ngahuru. Si Belang teu rumasa dosa. Beretek lumpat, gejebur ka tengah Talaga. Teuleum. Mangtaun-taun karèk banyat. Ngagaur! Sato saleuweung pating burisat. Nyarumput. Jadi jumawa, ngadak-ngadak unggah adat. Taya nu wani mungpang. Sakali ngagaur datang badèga. Mawa kabutuh leuwih ti cukup. Cukup bari sidèngdang. Peureum hayam, nyocokan ceuli. Teu malirè sato leutik nu ketir di sisi gawir. Eureuleu teurab. Indung Domba pangheulana pindah kana beuteungna.

HAYANG TENGTREM

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 21:07:28

Manéhna élékésékéng nganti tengtrem nu teu kénéh jebul. “Naon deui atuh anu dipilari?” badégana ngilu kingkin. Dunungan angger humandeuar. Lamun nilik harta banda taya kakurang. Mobil ngabaris. Gedong ngarégrég. Istri gé langkung ti hiji. Seueur ogé nu teu kantos ditikah, kadar milari bagja. Belenyeng ka villa milari tiis pikir. Beretek ka sisi basisir néangan guligah manah. Kalayang ka jomantara niténan nagri deungeun. Teup euntreup di nagri pangéndahna. Anggér haté nogéncang. Bagun aya nu cocéng lebeting batin. Kabosen ngarobéda rasa. Satiap kahayang kapegung ku kahoréam. Mun pareng panggih jeung jalma pada ngariung-riung. Nu moro. Nu tunyu-tanya. Telepon teu eureun ngingkring. “Iraha aing bisa tengtrem,” gerenengna. Mun saré ngandelkeun obat, sakapeung tungtung jarum nu ditojoskeun ku doktor pribadi. “Naha aing téh kudu kieu unggal waktu?” neuteup pél luhur dampal leungeunna. Rét kana péso cukur nu ngagolér gigireun asbak. “Ieu kawasna?” Gap dicekel ku leungeun katuhu. Gurilap. Seuseukeutna atra pisan. Hayang tengtrem.

MARTINA-MARTINI

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 19:26:58

Taun Baru. Wancina nyieun skédul. Kalénder anyar dibuka. Rét ka tulisan bulan. Geuning Maret? Lain Januari. Kerung. Salah citak. Deuh, barang beuli téh kurang talété. Kaduhung. Panasaran. Lambar kadua dibuka. Maret, lain Pebruari. Beuki nyureng. Lambar katilu, kaopat,... tug ka ahir, kabéh Maret. Gigisik. Dibalikan, dibukaan deui hiji-hiji, angger Maret. Leng! Lieur. Tidiiid..! sora kelakson. Teu lila aya nu nyampeurkeun bari pok. “Mi, jadi latihan téh? yu atuh, sakalian cukcakna dibawa,” ajak Roni batur ngeroncong. “Siaap..ndan,” walon kuring asa kabeneran. Teu pindo gawé. Gap kana cukcak nu ngagantung ‘na témbok. Boncéngan. Laju, motor muru sanggar seni. Sajajalan. Rut-rét. Bréh! béngkél sapéda Bah Dirja, salin rupa. Sigrong. Ngajeblag baliho tulisanna Martina. Kios Bu Tati, robah wanda minimalis jadi Martini. Laju terus, unggal pertelon jeung parapatan. Nu katénjo ukur Martina-Martini wungkul. Kukucek. Boa uing téh ngimpi, kasarad ka nagara Martina, kairid ka nagri Martini?

KABINGUNG

Kénging Rudy Crysara
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 19:12:50

Panon poè. Teu sacaang poè kamari. Nangkeup harigu sisi panto. Awak sakitu lungsena mihareup pangrido Gusti. "Naha?" ucapna bari pepeta kana ka diri. Tuh lieuk kang Iding geus sukses jadi Leubè. Kang Amin tatangga sabeulah geus gawe di PLN. Kedalna sajeroning hatè. Tret sms ti Lurah mantan. "Jang aya pagawèan ka Bandung" tara ti sasari ngasms. Panon poè kalindih bangawan. Sabudeureun langit angkeub. Matak Keueung. Aya kana sajamna kuring ngahuleung. Tret-tret sora hapè. nyi Icih nga sms "Akang kuring nampi sms ti pa Lurah mantan? ukur direret sakeudeung. "Moal ngajak tukeur mah? si Icih jeung pagawèan!".

MUN

Kénging Agustin Hartati
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 17:59:59

Mun hate dijieun tina batu,
Meureun moal gampil tatu.

Mun hate tina beusi,
Meureun panon moal gampil ngaluarkeun cai.

Mun hate tina waja,
Meureun moal loba jelema siga ayeuna.

DINA PILKADA

Kénging Ruhiyat R Sumardiharja
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 17:32:50

Ngajéng - jréng pasisi - sisi, pagedé – gedé jeung paagréng – agréng, aya nu mangrupa baliho, poster , umbul – umbul jeung sajabana. Teu pirang – pirang rahayat ka tipu ku éndahna slogan atawa ajakan pikeun milih maranehna .Homo deui mangsana kampanye mah, beungeutna nyogog sému ngawelas ménta dipilih jeung dipercaya. Saking kubutuhna ku sora rahayat, rahayat téh disuapan bari di aroloan ku maranéhna . Ngan ninggang ti kapilih, geus tangtu suka bungahna, da nu utama di prohramna téh rék malikeun modal heula. Hanca rahayat gé dilaleubok ku maranéhna. Beungeut nu tadina pacing carogog, ngabalalieur!. Boroning miroséa kanu kaperluan rahayat, mun modal gé can kabalikeun. Dasar areuweuh cedo!

KORÈK API

Kénging Kangeri Kustiaman
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 17:28:47

“Om, pinjem korèk dong”, ceuk sora wanoja tukangeun kuring, nu leumpang semu rusuh, bari noèl punduk kuring. Kuring rungah-ringeuh bingung jeung ieu mata bet mencrong awak wanoja, dipelong ti handap parat nepi ka luhur. Kuring neureuy ciduh rèk sapok-pokeun, sora teu waè kaluar. “Pinjem korèk Om”, sakali deui manèhna negeskeun maksudna. Song kuring ngasongkeun korèk, cekès roko diseungeut. “Om, ada kamar kosong ko”, manèhna neruskeun deui omonganana, bari nunjukeun tèmpat ku rèrèt panona. Kuring ukur unggeuk.

REMOTE CONTROL

Kénging Kangeri Kustiaman
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 17:04:51

“Pemirsa Olahraga di rumah …salam Olah…” panon-panon ragem mencrong kanu nyekel rèmot kontrol, teu tamat nyarita host olahraga “tv-hiji” tèh, nu kadangu ku ceuli-ceuli tèh kalahka gaurna sora singa nu handaruan nenjokeun sihungna na layar “TV-200”, geus kitu, sarèrèa mencrong kana layar tv, “ih … geuleuh”, “waduh … aya ku gagah tah singa”, “leuh .. karunya teuing tah kebo direwègan huntu singa nu seukeut leuwih ti pèso belati”,”ah … teu kuat uing mah, pindahkeun atuh jang cènelna”, rupa-rupa komèntar jeung kahayang kaluar tina biwir sèwang-sèwangan pamiarsa TV nu aya dirohangan tengah imah. “kela” ceuk nu nyekel rèmot. Teu lila gambar dina TV robah jadi acara “live music”, “Dangdut a music is my country” ceuk biduan nu nganggo acuk heureut bahan, bujalna ngahaja sina katara ku balarèa, sedeng buukna beureum ngadaun jagong. “my country, my country tujuh puluh, ari dangdosan miyuni setan” ceuk sora hiji wanoja siga nu ijid, sorana rada beurat, bari gejlig ninggalkeun pasamoan, asup ka enggon. Lebah iklan dina layar TV datang, saluran TV robah deui kana carita sinetron, nu nyaritakeun sabarna hiji kulawarga miskin nu alus basa alus carita alus ka talajakna, nepika teu pernah ngasaan kumaha rasana nyicingan imah gedong, bari terus nyaksian jalma nu anaiaya ka dirina tapi lubak-libuk harta jeung pakayana. Rèmot direbut ku lanceukna si ujang, si ujang ngagèrèwèk bari pageuh nyekel rèmot, sedeng lanceukna keukeuh ngarebut rèmot, silih betot silih benyèng, ana gubrak tèh lanceuk si ujang labuh nangkarak bengkang, kabantingkeun tanaga sorangan, waktu rèmot dilèsotkeun ku si ujang. Rèmot ngacleng, ragrag pas hareupeun bapana nu rèk misah anakna nu pasèa rongkah alatan rèmot. Ku teu ngahaja rèmot katincak bapana, rèmot ringsek, TV pareum da kabeneran nu katincak bet tumbul “off”.

SAMIN

Kénging Pungkit Wijaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 15:40:12

Teng! Sora jam ciga mere tanda Samin kudu asup kajero eta rohangan. “Samin, nomer dua ratus dua puluh lima” kalimat eta kaluar ti biwir lalaki kumisan, make dasi. Ngageter kadenge sora jandela rengat, asa samagaha dina rohang dada. Manehna asup ka jero eta rohangan bari lengkahna dibarengan ku jarum jam. Jelema nu nyinghareup dina rohangan eta dina titingalian Samin ciga maung kajajaden nu rek nyakar. Deb, sora bujur adek dina korsi, Samin diuk dina korsi hejo. “kusabab persoalan maneh ngabahas metafor, sok ayeuna terangkeun ku maneh naon ari metafor teh?” ceuk lalaki nu diuk dina korsi hareupeun Samin. Teu lila awak samin ngageter, letahna asa berat, Samin ngajawab “metafor teh samodel, awak meja, indung suku, suku korsi”, plak dipotong ku lalaki “conto timana eta kitu patut” Samin ngajawab deui “ti leweung ka tujuh sancang, ti maung bodas” te lila, panon Samin jeung lalaki kumisan silih teuteup, urat-urat beuheungna raranteng ciga kawat. Samin, poe harita terus ngacapruk bari nerangkeun metafor nepi langit katempo bereum. Rohangan, ciga pinuh ku maung bodas, maung beureum, maung koneng, teu lila, langit sareupna!

CIKEMBULAN

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 14:48:02

"Tah ieu monyét Albino" ceuk gaid taman satwa, bari nuduhkeun monyét bodas nu keur cindekul di jero kandangna. "Ceuk basa latinna Macaca Fascicularis. Kaasup ordo primata. Kulawarga Cercopithecidae. Kadaharanna sabangsaning bungbuahan". Rombongan mahasiswa arunggut-unggutan. Sawaréh pating jaleprét motrét. "Hanoman mun dina carita wayang mah, nya Mang?" ceuk hiji mahasiswa, ditungtungan ku seuri ngagakgak. Nu séjén naluturkeun seuri. Monyét bodas mingkin ngukung di jero kandang. Gaid laju ngajak rombongan ka kandang séjén. "Hanoman lain?" ceuk nu ngahaja misah ti rombongan. Monyét bodas ngeluk di jero kandangna. "Ah, lain. Kapan Hanoman mah sakti." ceuk haténa. "Duh, na nganjang ka jaman mana Hanoman téh?" Rahuh bangbaluh nganteur léngkahna. Ngaléos ninggalkeun kandang. Koréjat. Monyét bodas luncat. "Sinta...!" Manéhna ngagentra. "Aman, Geulis. Rama geus indit."

DUKUN KAHOT

Kénging Diky Pamanahrasa
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 14:47:31

Sahéng dihulu lembur tepi ka birit kampung. Jalma jalma ngaliud di hareupen hiji imah. Pada pada ngajing jing pakarang. Bedog,parang,koléwang,kagede ka kéris dibawa.
"Kaluar sih kasebelan …!",
"Bijil siah manusa murtad,awak Nyangharep ati mungkir…!"
Nu ngajorowok tanka bedas papakean sarwa bodas. Peci nepika sorban.
“Sok geura kaluar kisilah samemeh pangeusi lembur ngaburak imah anjeun..!””
"Cik geura bawa mangkelukna anu sanggup nganjang ka pagéto, anu wéruh sa duringé winarah,anu geus jadi pananyaan jalma réa..!” .
" Nu ngadu,nu ngadoni,nu curhat,nu neangan gawe,nu rek masak.antuk nu rek neagan musuh tatanya ka anjeun,Sok geura bijil, bisi beakeun kasabaran..!"
Kulutrak panto dibuka. hiji budak ngora bijil tulu nyampeurkeun bari popoyongkodan.
“Oohh jadi maneh anu salila ieu jadi pananyaan teh !"
" Hapunten kang Haji sanes abdi..!"
"Tapi ieu mbah Google dina internet…!’’ kituna teh baru ngasongkeun laptop

PARTELON CINTA

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 13:17:32

Pangapunten. Rehna ieu fikmin parantos dipupus ku nu nyeratna. Seja diedit heula.

BEASISWA

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 12:59:38

Sampulur, mapanting, cureuleuk, neuhneur. Panasaran, dideukeutan bari api- api ningalian sendal. “Néng ieu aya nomer opat puluh?" Kuring melong, yakin mémang geulis. Sendal diajaran bari diuk ,manéhna ngajanteng teu jauh, karérét bitis neupi kaluhur tuur, mulus.
“Teu Kuliah?” Kuring neteup anteb.
“Kamari nyobi tés teu lulus, ka swasta abot biayana Um, kekempel heula manawi,” pokna alum.
“Hubungi Um, upami hoyong kuliah” Kuring méré kartu nama ka manéhna.
Basa panggih deui di kafé jeung manéhna.
“Kumaha Um kuliah abdi téh?” Manéhna teu sabar.
“Dipaparin béasiswa ku Um, kuliah dugi ka tamat S1. Dipasihan hapé, dikontrakeun bumi, transportasi disayogikeun motor, artos kanggo tuang, jajan, anggoan dijamin. Namung mulih ka bumi, muhun ka sepuh, cekap sabulan sakali, teu kenging pisan bobogohan, teu kenging ngantunkeun sholat, juntru ,khusu, soson-soson diajar, lima taun régsé janten sarjana. Sanggup?”
“InsyaAllah,sanggem,sanggem Um” Manehna haripeut.
“Hiji deui sarat énténg kedah dilaksanakeun. Nikah siri sareung Um!”.

SERELEK (SERAT ELEKTRONIK)

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 12:11:14

Deudeuh teuing kantor pos, geus teu dipalire. Aranglangka kaanjangan deui ku jalma-jalma anu biasanamah remen ngirim surat, sok padahal surat anu ngaliwatan pos teh bisa mundel eusina, karep kahayang bisa kawakilkeun seubeuh kadadarkeun.
Baheula mah kuring ge rajin ka kantor pos, basa jaman calana levis merecet alias keur memejeuhna buta tulang buta daging. Biasa ngirim surat cintrong, sok sanajan lila tepi lamun make perangko biasa, 4 poe biasanamah nepi eta surat. Tapi lamun make prangko kilat kaasup gancang harita mah.
Dasar manusa laloba akal, nyingkat waktu jeung kasempetan teh bisa dipikiran kucara nyieun alat komunikasi anu canggih. Saperti Telepon, Handphone, komputer jeung nu lianna. Surat anu baheula mah pinuh kutulisan bisa di singket, surat cinta anu lalambaran ibarat tulisan novel dasingket.
Kapinteran jalma geus bukti karasa manfaatna, kuayana alat komunikasi anu canggih bisa nepungkeun dulur2 nu jauh, baraya2 langka datang jadi kapapay, sok komo kabogoh jauhmah bisa SMSan atawa nelepon. Tapi teu saeutik madaratna oge aya, teu pira salah ngirim SMS bisa jadi papaseaan, kualatan jadi lawang salingkuh. Tapi sabisa-sabisa urang ngamanfaatkeunnana.

GUMELARNA DIPATI KARNA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 11:58:12

Dewi Kunti Nalibrata guligah nu awor dina kalara, bari ngarenghap ngusap lambutna, romanna katingal alum ngungun, teu wasa nadah karma ka lebah patuangannana, sedih alatan utun inji nu dikandungna matak wirang dirina, boa matak wera nu janten ibu ramana. Namung Batara Surya uninga kana kalara Dewi Kunti Nalibrata, enggal nepangan.

"Jungjunan, Kakang terang kana kalara salira, namung ulah janten emutan, kasucian salira alatan gumelarna utun inji nu diyuga ku Kakang, sing janglar, ulah seueur emutan, putra urang bakal gelar tina cepil salira, kukituna pasihan wasta Karna, nu hartosna cepil....."

"Saupami tos gumelar, enggal larung ka walungan Aswa, Kakang jangji bakal nangtayungan...." saur Batara Surya bari teras mulih deui pikeun mancen darmana nyaangan alam beurang.

Panceg salapan sasih sapuluh dinten Dewi Kunti ngababarkeun nu diyuga ku Hyang Surya, ragana katingal gilang gumilang dina anggoan perang, ating-anting sareng kalung ti nu janten ramana.

Dewi Kunti nggarenghap bari neuteup nu janten putrana, lalaunan disimpen dina kandaga lajeng dilarung ka walungan Gangga nu mawa carita, dijajap ku hiliwir angin asih, ditangtayungan ku srangenge nu janten buah hatena, beubeulahan jiwa Batara Surya nu mangsa jaga bakal janten satria gagah perkosa pikeun mapay jalan hirupna.

DI SITU PATENGGANG MEUNANG ILHAM

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 11:39:00

Dua ratus taun tatapa. Ihlas ngisat diri pikeun ngahontal kahayang.

Sangkuriang nguliat, babatek. Indung leungeunna ngagéré liang irung. Ting karepluk korong garing sagedé-gedé tolombong. Unggal korong nu rag-rag kana bumi, kadéngé pating beledag.

Panonpoé nyumput tukangeun méga. Anteng neuteup ti kaanggangan. Torojol angin marengan cihujan. "Entong waka hudang!" carék angin. "Naha batal tatapa téh?" cihujan manghanjakalkeun. Gorowok nyarékan. "Goblog ciah. Aing cangkeul. Naha teu meunang usik?" bari nangtung. Geleber angin jeung cihujan kalabur.

Manéhna seuri. "Entong wani-wani ka aing. Ulah coba-coba. Naha maranéh teu apal saha aing?" ngomong sorangan. "Anak anjing sia mah!" aya nu nyorowok. Ngadéngé kitu, Sangkuriang curinghak. "Goblooooog... saha sia?" ceuk manéhna bari ngabelesat ngudag tempat sora tadi.

"Ih, naha euweuh sasaha? Lamun aya mangkelukna, dipodaran ciah ku aing," gegelendeng. "Ha..ha..ha, ieu aing nu nyarita tadi téh," aya sora ti jero talaga. Ambek nyedek tanaga midek. Manéhna luncat ka jero talaga nepi ka kiwari.

ARJUNA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 10:28:19

Kula nu ngaran Arjuna, satria panengah Pandawa, nu ceuk para wanoja mah kulah teh cenah mah bulan, malah teu saeutik cenah kula teh panonpoe nu teu weleh nyaangan cintana para wanoja, nu teu weleh ngusap rasa lir hiliwirna angin nu pinuh katingtrim.

Kula satria panengah Pandawa nu teu weleh nebar-nebar kamulyaan para wanoja, lir bulan nyaangan mongklengna jagat nu pinuh gogoda, teu beda ti sagara nu meresihan kokotor dunya.

Kula nu gumelar tina alam kamulyaan Dewi Kunti Nalibrata, boga pamadegan, hirup teh kacida endahna, teu kudu dipadungdengkeun, sabab padungdengan ngan ukur ngahasilkeun nu taya gunana, malah boa bisa ngadatangkeun lara tunggara nu kacida panjangna

Saran kula, geura teuteup endahna bulan nu nyaangan petengna uwung awang, geura muji sukur ka Hyang Wisesa geuning panonpoe teh cangna mangsa beurang, sabab jagat wawayangan mah teu beda kalangkang urang, hade goreng kuma laku lampah urang.

KEOM

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 10:26:16

Pa Guru keur mapatahan muridna, keur nyaritakeun kaayaan barudak sakola jaman kiwari, ngabandingkeun jaman anjeuna keur ngora.
Guru “ Yeuh déngékeun ku kabéh, barudak sakola ayeuna, béda jeung jaman Bapa keur ngora, can kungsi kabéjakeun aya tawuran, balik sakola garelut, na ari jaman ayeuna, balik sakola garelut malah tepi ka korban jiwa sagala, tétéla jaman geus robah”
Murid “ Muhun kitu pisan Pa Guru, komo sakola caket rorompok abdi mah, barudak pamegetna nyarandak inuman, atuh murangkalih istrina, teu nganggo BH, teu nganggo kutang “
Guru “ Uluh, astagfirulohaladzim, sakola mana éta téh jang ??
Murid “ T K Kasih Ibu Pa Ustad.

PUSEUR TALAGA

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 10:10:13

Sukma uing ngalayang dina talaga. Léah pasrah dina tiisna. Ngahening tingtrim sanggeus ngagurinjal dina gulidagna. “Mangréwu taun manéhna namperkeun réwuan jiwa nu ngamoksa. Néang kabajgaan sajati. Mulang ka pangreureuhan nu maneuh.” Ayeuna uing rék mulang. Ngangkang di tengah talaga. Neuteup langit. Bruh-bréh gambar kulawu narémbongan. Dina rangkulan cai canembrang hérang, uing mébérkeun leungeun. Ngabagéakeun jiwa nu geus karancang direcah kahirupan. Laun-laun uing tilem, muru ka puseur talaga….

NGADOLKEN = ILLEGAL LOGGING

Kénging Ali Riyadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 09:42:56

mun nenjo berita di tv perkawis banjir bandang tanapi longsor,kuring mah sok ras ingèt ka lembur kuring nu aya di handapeun kaki gunung syawal ciamis, percis na di desa mandalarè panjalu.. Baheula mun nyawang kapuncak, gunung tèh ni asa gagah jeung èndah ku tatangkalan nu jararakung ngarèmploh hèjo, manuk heulang gè loba nu arareunteup jeung puputeran jiga nu keur patroli di langit gunung syawal.
Tapi ayeuna ku jaman kiwari, gunung téh ni asa lènglang jiga hulu botak nu katingal mèncrang kulitna.
Mun usum ngijih datang sok hemar hemir haté téh sieun aya kiriman ti gunung nu teu diduga duga. Margi ku kitu na ka dulur salembur, hayu ayeuna mah cuwang pelakan deui gunung tèh, ngarah teu aya bencana nu bakal datang ngalanda lembur urang..
STOP EKSPLOITASI GUNUNG, STOP ILLEGAL LOGGING, STOP NGADOLKEN

CAN BISA MULANG TARIMA

Kénging Opah Zaink
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 09:22:14

Inget keneh waktu nu jadi indung ngusiwel ngaluarkeun duit tina pesak kutangna, bari pok nyarita : Ieu keur ongkos, tah ieu keur bekel sapopoe salila hidep can boga gawe. Bral dido'akeun ke ema sing lancar sagala pamaksudan kalawan di tempat pangumbaraan sing rea jalma nu haat. Peupeujeuh ti ema omat tong kaliwat Shalat. Alhamdulillah ku pangersa Allah SWT oge kudorongan du'a tinu jadi kolot kuring teu lila nyiluruk dinu jadi dulur, sabab buru2 meunang gawe.

Kiwari mancen gawe geus rengse, nyebakeun tanaga jeung pikiran ka Nagara geus tuntas. Alhamdulillah ngecagkeun rancatan tanggungan pancen teh bari mawa hate anu pinuh ku katentreman.

Ngan aya kahanjakal pupuhu nu ngajurung laku, samemeh kuring bisa mulangkeun ci susu sok sanajan moal lunas, tos mulang ka alam kalanggengan. Ngarasa sedih saupama keur pareng nampi rizki tinu maha kawasa, anu sakuduna diburu-buru, nu nyampak ukur gundukan taneuh di luhurna nanceb tetengger nudihias ku titimangsa.

Ya Allah hapunten sagala rupi kahilafan sepuh abdi, tampi Iman sareng Islamna kalayan mugia dipaparin tempat anu tumaninah mungguh disagedengeun anjeun amin.....!

TÉNDA TÉRÉ

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 08:34:50

Abimanyu baeud baketut. Mangkaning poé éta, kagiliran jadi sénapati Pandawa dina bratayuda. Kresna guligah, sieun Pandawa manggih wiwirang.

"Kunaon radén?. Uwa teu percaya ari dia kudu inggis yuda mah. Kapanan putra Janaka, panengah Pandawa nu jago perang, mahér manah, gesit ngulinkeun gagaman, resep ulin jurus jeung ngayonan musuh." Kresna mantékkeun mangcayut pangrayu.
"Rama Uwa kula lain sebér, tapi kula asa kabet, unggal bitotama, teu kaur kunu ngajak pancakaki, ngaku anak Arjuna. Ngabadeg jasa ning dulur téré téh."

Ti harita, Kresna ngadegkeun ténda heuseus, pikeun nu ngaku anak Arjuna, pang kaatur maju juritna.
"Omat indungna mah ulah disaténdakeun Raka Prabu, bisi aya Bratayuda tandingan" Arjuna ngaharéwos halon jasa, nyamuni tina jalingeurna Srikandi.

PARAHU OLENG

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 07:17:23

Ngayuh parahu kuduaan sariget babagi gawè muru basisir impian nu jadi tujuan. Beuki jauh ditengah sagara, panggih jeung ombak gèdè, kadang dibarengan angin jeung badai, geus teu gimir deui da biasa, parahu laun lajuna nu hareup jadi hèngkèr, antukna kaum hawa ti hareup. Tanaga dikerahkeun satèkah polah, komo ayeunamah geus nambahan panumpangna. Parahu laju sanajan teu tarik, ma'lum tanaga sorangan. Terus paamprok jeung hiji parahu nu pangeusina angkaribung ku babawaan, dikayuh ku sorangan taya baturna. Ngarèndèng mèh bareng laju, bari silih lieukan. "Ngalih atuh kadieu supados teu capè", ceuk lalaki nu mawa parahu nyorangan. Parahu mimiti oleng, sakuat tanaga nahan jeung narèkah sangkan ulah tepi kabawa angin. Bari sabil terus ngagayuh sanajan sakapeung karasa lungsè. Panceg hayang nepi ngajugjug basisir nu jadi harèpan. Sebrut tanaga dikerahkeun supaya ngajauhan, tapi sakapeung èta parahu aya nu ngadeukeutan baè. "Kuring kudu salamet jeung nyalametkeun", pokna.

FIKMIN#BEULEUM PEDA#

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 06:29:18

"Naon ieu teh? Teu karuh-karuh! Datang-datang, ujug-ujug neken? Kami mah teu mais teu meuleum, deuleu?!" Nini Umsah molotot. "Ari geus, saha atuh? Piraku onaman ucing bisaeun meuleum peda mah?" Mang Enjum cungas-cingus. Pangkeng di kotektak. Pajuaraan jeung goah di ungkaban. Geus karuhan pago jeung tetenong mah teu sirikna ditatab. "Ari sia neangan naon, Enjum?!" sentak Nini Umsah. Jengkeleun. Nu ditegor anggur kukurumuyan handapeun amben. Tapi nu diteangan angger teu panggih. Rek bijil pisan, pasarandog jeung nu boga imah. Irungna ngadadak rebeh. Ka angseu tina samping nu dipake Nini Umsah melenghir seungit beuleum peda. "Tah, geuning!" pokna bungah. Tuluy kerung neuteup seukeut. Nu di teuteup bangun nu surti. Gejlig indit ka jamban. Tadi poho acan ngisang.

NU NGACA JERONING ATI…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 06:23:23

Beda. Tiap rérét kana kaca. Ngajanggélék wanda nu béda. “Teu wawuh..!” ngabalieur. Ungked-ungked solat. Dina kaca, katingali keur ngalamun. Pon kitu deui mun keur ngawirid. Dina kaca, katingali keur ngitungan duit, sarta harta pidunyaeun. “Deuk teteg, moal ngabalieur” paniatan geus panceg. Enyay-enyayan, mimiti kaciri wanda nu sarupa dina kaca, sanajan can kénéh aya sirahan….

JALAN KA SAJABANING LANGIT

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 05:35:49

“Langit mana nu rék disungsi ku anjeun?!” teugeug. Ngabedega. Beubeungeutan teu puguh rupa. “Saban langit nu kungsi kacaritakeun.” Taki-taki. Neger-neger diri. “Heug, kuring moal ngahalang-halang. Kapan étamah geus jadi pancén anjeun salaku manusa nu hayang nyampurnakeun darajat kamanusaanana.” mimiti reugreug. Jonggrang Kalapitung nyakakak. “Dasar manusa, mindeng kabobodo ténjo, kasamaran tingal. Ukur ditungtun ku rarasaan jeung sangkaan.” haté karasa nyongkab. “Montong loba nyarita, tuduhkeun jalan ka sajabaning langit!” masang kuda-kuda. “Tengetan tangtungan diri, masing sidik! Luhur handap éta-éta kénéh! Saban lawang dijaga ku guriang.” sorana handaruan. Matak kukurayeun. “Lalayang Salaka Domas euweuh hartina mun teu dipesék ku kasadaran katut kapasrahan.” Leungit tanpa lebih. Ilang tanpa karana. Ukur aweuhan tingsaléor diangon ku angin. Kasawang Pajajaran nu keur pakéwuh. Rahayat nu nganti harepan. Rama Perbu, Ambu Ratu sarta Déwi Asri. Ngadadak leuleus satulangsandi. Reureuh sakeudeung. Laju maksakeun leumpang. Muru talaga seja ngeunteung.

I MISS YOU MADLY

Kénging Rmb Martadi Kusumah
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 03:50:51

Pinter lain ukuran rasa. Geuning manéhna pinter tapi kacida peuheurna. Teu surti kana harti.
“Ngeunah angeun teu ngeunah angen.” Kitu ceuk Si Jéwé nu mindeng maturan.
“Lain kitu, Wé!” Kuring némpas, “Teu pira urusan fikmin nepi ka jadi paséa rongkah.”
“Fikmin anu mana, Ang?” Si Jéwé nanya.
“Fikmin ‘Ngoprék’ tea, Wé.” Ceuk kuring ka manéhna.
“Naha bisa kitu?” Bari neruskeun, “Apanan éta mah saukur karangan sakarep ingsun.”
“Heueuh ari kituna mah. Pinter téh urusan séjén, ari urusan haté mah teu daék surti.” Ceuk kuring nétélakeun deui.
Semu panasaran si Jéwé nanya deui, “Ari sabenerna, naon anu jadi matak?”
“Opat minggu kuring teu balik”

Ka-12, Minggu, 2/9/2012

UCAPGONANG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 01:48:46

“Rek ka unamanang, euy?”
“Biasa we, Mang. Rek mantuan ubarnyenong di kebon Bah Draco,” ceuk Si Pongo.
“Sabaraha beubeunangan ladang tina nyebor sapoe teh?”
“Lumayan, ucapgonang!”
“His, lain lumayan deui lima puluh mah! Kade ulah dipake ubakmanong, nya!”
“Batan mabok mah, mending ge dipake meuli uasbenang.”
“Hade! Enya, alus di kana beaskeun we. Moal umpangnyinang heula?”
“Moal nyimpang, ah. Bisi kaburu urangbeunang teuing.”
“Nya ari kitu mah. Jug, bisi kabeurangan. Ulamsanang we ka Bah Draco.”
“Salam ti Amang baris didugikeun ka Bah Draco. Mangga, Mang!”

KI TAYAR 6

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Séptémber 2012 00:23:58

Ki Tayar nyangsaya dina léngkob kapeurih. Leungeun nu katuhu ngusapan beuteungna ngabébénjokeun tingkuruwukna sora cacing. Leungeun anu kénca dipaké ngaganjel sirahna. Neuteup kiceupna béntang baranang dina langit bulao baliho. Can bisaeun neuteup lalangit. Jajauheun neuteup témbok. Mung ukur nincak téras rurungkang, bilik ruruhit. Jumerit dina renghikna peuting. Rimangieung ngaléngkah dina petengna mongpléng. Salawasna, kitu jeung kitu. Maut hinis na kingkilaban kingkin.