Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Agustus 2012 (49 Naskah)


NUNGGUAN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 22:28:14

Karék ogé poé Salasa, haté geus kumejot hayang buru buru panggih jeung malem Juma'ah.
Asa lila nungguan datangna poé éta. Basa nincak poé Kemis, rasa bagja hesé kagambarkeun ku ungkara. Moal daék ditukeuran ku duit saratus rebu bungahna haté basa hudang poé Kemis subuh.
Mun kongang mah, hayang muterkeun waktu, supaya rada gancang asup ka malem Juma'ah.
Kemis beurang dahareun estu pipilih, néangan nu ngandung gizi hadé, maksakeun meuli sop buntut, disusul ku jus alpuket. Rada boros saeutik teu jadi masalah ieuh, demi keur engké malem Jumaah.
"Emh meni sarengit, malem Juma'ah" Indungna barudak ngajebian.
"Sunah Mah, malem Juma’ah sareungit téh" ceuk kuring bari seuri, léos ka Masjid.
Ba’da isya mulang ti Masjid langsung muru kamar, kasampak indungna barudak geus tibra, kérék nyégrék, katangar urut capé gawé tadi beurang. Simbutna dibenerkeun, celengok diambung tarangna keubeuk ku rasa deudeuh.
Ret kana jam “Lila kénéh Madrid lawan Barca téh”.

PESBUKER EDAN

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 21:16:44

“Dasar bolon, meuli ciki diarah hadiahna hungkul”.
Ceuleungkeung, aya nu ngomen “Nu leuwih oon mah meuli beas, nu di pake ngan karungna hungkul, dipake wadah sampah deuih”. Hahah manehna ngajak tanding.
“Anu lewih gelo mah, jalma babayaran sabab embung dibere duit” tempas kuring.
“Nu leuwih gelomah tukang bajigur atuh. Geus puguh cai teh kiruh der dikocek-kocek, nyaho cai teh beuki kiruh, geus kiruh di jual. Eh nu leuwih gelo mah nu meulina, nyaho cai kiruh anu di kocek-kocek, der di beuli, di inum deuih’’. Kaciri embung elehna teh, nyebut nu gelo meni dua kali.
Piraku kuring kudu kawiwirangan di lapak sorangan, kukuring dibales kalayan jawaban nu pang adilna. ”Anu gelo pisan mah nu nulis status ieu jeung nu ngomenna. Nugelo mah tara loba pipikiran, der ieu mikiran nugelo”. Ceuk kuring, teu eleh geleng.

NO COMENT

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 20:50:59

"No coment... !" , cenah nurutan Desy Ratnasari . Jawabna teh ngan sakitu-kituna mun meunang pananya ti saha wae ngeunaan lobana raja kaya nu dipimilikna. Memang mun ningali sareatna rek saha nu teu jadi panasaran. Malahan deukeut-deukeut ka curiga . Pirakadar pagawe nagri bawahan , sasatna ngan saukur tukang sasapu di pasar kacamatan. Tapi imahna ,sawah kebonna meh aya di unggal lembur. Pon kitu deui anak-anakna jarucung kabeh. Nu dokter , nu insinyur , malahan nu bungsu mah cenah kakara pisan diangkat jadi dosen.
Ngan sanggeus dua taun ngalaman pangsiun Si Emang kakara muka rusiah ngeunaan pribadina. Kieu pokna , " Barudak , mun hayang jiga Emang sabenerna kacida gampangna. Nyaeta kudu kuat nahan kahayang. Conto basajanna kieu , mun urang hayang udud atawa hayang jajan ,cokot duitna mah tina dompet. Ngan ulah terus dibeulikeun tapi asupkeun kana cengcelengan !"

HAYANG UTUH DEUI

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 20:40:11

Sataun lilana karasa nogèncang aya nu ilang, wayahna sesemplèkan hatè nu kantos dipasihkeun ka salira badè di pundut deui.

HUJAN MUNGGARAN

Kénging Asép Yudhi Al-Jayagiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 20:25:12

Hujan munggaran geus ngucur ti langit. Hujan munggaran mawa kahéman Rabb ka makhlukNa. Hujan munggaran malidkeun kekebul anu narapel dina dangdaunan jeung hateup-hateup imah. Hujan munggaran niiskeun pikir. Hujan munggaran nyegerkeun hawa. Hanjakal, hujan munggaran henteu terus nyerep ka jero bumi atawa ngalir dina kamalir. Hujan munggaran ngadon tamplok ka tengah jalan.

BUBUKA SISILIA

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 20:02:42

“Eudeuk ngadu kuda teh, Pov?”
“Hayu!”
Pongo Karpov nyekel nu bodas. Python Fischer nu hideung. Lengkah munggaran e2-e4, c7-c5. Tuluy Kg1-f3, Kb8-c6.
“Pangna c7-c5 teh malar nyegah bodas ngawangun puseur kakuatan. Sabab bisa wae c5 x d4,” ceuk Fischer. Suruput cikopi. Gap kana korek. Cekes. Serebung haseup padudan.
“Tapi ari dumasar kana pangalaman mah leuwih hade nukeur pion di d4, sangkan ngarojong lengkah perwira,” ceuk Karpov.
“Pov, hadena mah mokus teh di sayap Raja, euy!”
“Ari maneh? Da kuduna ge sing bisa noong bongohna musuh di sayap Menteri.”
“Lain, saha ari sekondan maneh?”
“Si Spassky. Maneh ge boga sekondan, nya?”
“Enya. Si Torre.”
“Tah, siah! Uing ngasongkeun e4-e5!”
“Leuh, aing mah! Mun Kf6-e8, aya bahan kuda uing leungit, yeuh!”
“Kieu we. Kuda maneh ditukeur jeung luncur uing. Tarima?”
“Sapuk, lah. Adil.”
“Tah, mun kitu mah remis. Teu pira, nya? Ari ku mindeng ngadu kuda mah, Perang Dingin ge lekasan.”

HIJI PUTUSAN

Kénging Budi Mugia Raspati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 18:35:28

Kulawadet geus ngariung. Apa keur diriung. Saniskara sapuk kana hiji putusan. Jalan nu wijaksana pikeun saréréa. Apa nu utama. "Nyeri...! Nyeri...!" Humarurung unggal usik. Sora nu teu weléh bedas, sakitu raga taya dayana. Begang tinggal tulang. Ngajoprak. Hémeng. Nincak puluh taun. Ihtiar sapuratina. Lain mending. Taak, tangka béak sagala rupa. Korédas. Buntu laku. Peuting ieu. Pating gerendeng. Sumebar du'a. Gap, nu dijas bodas kana hiji parabot. Tuluy aya nu disedot tina plés, ku éta parabot. Gap kana pigeulang Apa. Rénghap. Rét, sakuriling. Paroman-paroman nu ngungun. "Kalayan disaksian ku sadayana, Bismillah...," pokna. Gejos! Wilujeng Apa. Geura tibra. Geura sarengan Ema.

KALANG RASA 1

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 18:33:24

NGAN dampal leungeun kenca nu obah. Rasita. Sila. Nepak lemah. Dunya inggeung. Lain siga lindu. Tapi gumeter. Geterna mapay. Ngarambat. Sagala nu keuna ku geterna dumadak binasa. Daun-daun pérang. Jukut tutung. Batu jadi tipung. Tapi hawa karasa nyecep. "Tapak Sarasa," gerentes Sukésih. Sukésih deku teu jauh ti tempat Rasita. Sadeupa deui nu gumeter neubrag Sukésih. Sarénghap deui raga Sukésih bakal tutung siga jukut atawa jadi tipung siga batu. Sukésih teu galideur. Nyéh seuri. Laju awakna ngambang. Sajeungkal luhureun taneuh. Aji Tapak Sarasa bablas. Laun-laun sirna. Rasita neuteup ti kajauhan. Neuteup seukeut ka nu teu sakara-kara. Aya nu nyérését dina dadana. "Pamunah Rasa," gerendengna bari ngabalieus. Laju ngereles. Jadi kalangkang. Jadi haseup. Ilang. "Hiji-hiji, Kaka," walon Sukésih. Aya nu ngaborélak tina juru-juru panonna nuturkeun kalangkang nu moksa.

MAMAH NU DIPIHAREUP

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 18:03:03

Yuswa lima taun, Neng Yusni tos janten murangkalih pahatu. Sanaos kitu, sagala rupina kaperhatoskeun, kanyaah ramana tamplok sadaya ka dirina, nu lucu, montok sareng pinter.
Nincak yuswa tujuh taun, Pa Rustandi, ramana, nikah deui sareng janda geulis teu kagungan putra. Pangraosna, istrina bakal nyaaheun ka putrana.
“ Yusni mah ayeuna gaduh mamah anyar, resep pisan, geulis teh, jabi bageur!” celembengna agul , atoh, sareng reueus ka saban jalmi nu ditepungannana.
Katumbiri mapaesan dunyana . Sora nyeuleukeuteuk awor sareng hariring pinuh sugema, ngoncrang dugi ka ping pitu.
Dinten gentos minggon. Minggon gentos sasih. Sasih gentos warsih. Panyombo ngawitan paregat. Warsih kadua, katumbiri mimiti ngolembar , langit rumeuk.
Ramana sareng ibu sampeurannana, tambih garandang, sering pelesiran duaan

BEUBEUNANGAN

Kénging Dadi Arya
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 17:32:56

“Berekah solat id téh nya, euy? Indit disendal capit, ari balik disendal kulit. Ongkoh jadi boga hapé, ayeuna mah,” sindir uing ka Si Sadut, nu diboncéng. “Gandéng, ah. Komo manéh, ari indit ngincid, lagu balik kana motor!” témbalna bari ngadegungkeun hulu. Hahaha... Ngagalakgak. “Ké, asa teu nénjo si Sakim, euy?” tanya téh. “Teuing atuh, cenah rék ngumpul di tempat biasa. Da tadi mah, kiduleun...,” teu kebat. Tidiiid! Sora klakson tukangeun, tarik pisan. “Ti payuuun...!” Nu diobrolkeun, nyorowok ti jero mobil. Katémbong cungar-cengir tina spion-na. Nyusul kuring duaan, nu ngembang kadu.

BOEH NU NYESA

Kénging Icha Maisya Azizah
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 17:24:17

Dugdag digdig kaditu kadieu, saminggu téh aya 2 kalina cuci darah, sagala panyakit ngarurub awak, “beuki ngolotan waé kuring téh..” bari neuteup eunteung. Asa umur téh moal jauh deui, teu karasa cirambay bari ngadéngékeun incu-incu nu ker arulin diluar kamar, ojol-ojol keyza incu pangtukangna mukakeun panto, “kakek kenapa? Jangan nangis nanti keyza juga sedih..” kuring gera ngusap cimata semu imut ka keyza. Boa isuk boa pagéto boa ayeuna, rarasaan malaikat maut rék datang, tikamari gé geus siap boéh, geus di paskeun ukuranna, hanjakal kaleuwihan éta boéh nu leuwih, tuluy disimpen ogé. Geus 2 hari puguh teu geunah tuang téh, da mikiran incu di rumah sakit, keyza téa, jol aya nu datang mencét béll, basa dibukakeun anak kuring mawa layon budak nu dirurub kusamping, kuring rada hulang huleng lila kalilaan ngajoprak teu kuat. Boéh nu nyésa saetik téh geuning cukup jang keyza.

PANTI JOMPO

Kénging Icha Maisya Azizah
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 17:19:16

Sakapeung mah sok inget masa ker jaya, basa kuring ker ngora jadi ketua geng motor nu kasohor dina jamanna, kasohor ku kriminalitasna, kacipta adigung adigunana basa éta, hayang baragagah baragegeh gagayaan maké jakét kulit jeung motor gedé. Tapi, geus gedé euweuh pangabisa, ngan ukur méakeun harta kolot…
Ayeuna ngan saukur bisa cirambay nahan kanyeri, teu karasa cimata ngeclak kana bantal nu aksarana “PANTI JOMPO PONDOK ROSA”, harta leungit dibéakeun ku budak, imah,tanah geus dijarualan.
Ema..bapa.. hampura…

NU MATAK SAREUKSEUK

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 17:01:21

"Punten kang, pangadamelkeun buburna hiji nya!"
Ngomongna cadèl, basa sundana lancar. Rengkuh. Somèah. Namblèg pisan urang sunda. Rèt ka luhur buukna pirang, kulitna bodas.
Mang Uki hookeun, ngadon mencrong teu buru-buru ngaladangan. Manèhna ngarasa reueus, basa sunda dipakè ku urang bulè.
"Mangga calik!"
Mang Uki somèah. Laju ngaladangan.
Jol budak ngora, kulit pulas sawo buruk. Pesen bubur.
"Mang bubur satu nyah, kacang nyamah jangan dipakè."
Tuluy cingogo dina bangku,euweuh riuk-riuk sopan.
"Mangga kasèp, calik atuh teu kènging cingogo bilih geubis."
Mang Uki camberut, rada keuheul ningali polah anak tatanggana modèl kitu. Èleh ku bulè nu ngarèrèt bari kerung.

OBAT KUAT

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 16:54:20

Kungsi boga tatangga. Gigiren imah. Nu ngontrak. Pak Asep namina. Tukang jahit. Anakna opat. Dua tos kawin. Dua sd keneh. Tapi, teu aya pamajikan na mah. Saurna, tos dua tahun damel di Arab.
Mun salse sok ngahaja ngobrol di bumina—ngobrol bari anjeunana tetep ngajahit. Rumah tanggana. Barudakna. Pamajikanna. Wesel ti Arab.
Hiji waktu manehna siga nu gumbira pisan. Bebeja ka uing pamajikanna rek datang ti Arab. Suratna ditingalikeun. “Minggu hareup. Insya Allah, Pak, sumping. Tingali geura pamajikan abdi. Geulis,” ceuk Pak Asep bari sura seuri. Uing unggeuk2an.
Teu kuat hayang seuri, basa ulin ka imahna manehna keur di cai. Eta di luhur mesin jahit meuni pinuh ku obat kuat lalaki. Gambar awewe-awewe seksi. Uing buru-buru balik deui bisi eraeun.
Beja terakhir, pamajikanna ngabatalkeun datang. Teu menang cenah ku dunungannana.
Heu heu, karunya teuing. Teu apal, dikamanakeun tah obat kuatna?***

TÉSTIMONI KORUPTOR SOLÉH

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 16:39:45

Rék balaka baé, kuring téh koruptor. Ngan kuring mah koruptor anu tarapti. Nepi ka kiwari can kaambeu ku KPK. Padahal teu kungsi dudukun. Naon rusiahna...? Tahajud. Enya, kuring getol tahajud unggal peuting. Teu eureun ngadu’a sangkan kalakuan kuring teu kapanggih ku aparat. Alhamudlillah, nepi ka danget ieu kuring tiis tingtrim.
Salian ti éta, anak pamajikan ogé teu kungsi dahar duit hasil korupsi. Ngahaja. Imah agréng jeung mobil-mobil hasil basilat mah teu kungsi digunakeun ku maranéhna. Hirup basajan. Dahar hasil tina gajihan. Imah tipe dua hiji. Motor bébék tujuhpuluh paranti ngateurkeun marananéhna ka pasar, ka sakola. Berekah, barudak tumuwuh jadi jalma-jalma anu saroléh. Da dina beuteungna teu kungsi nyileungleum kadaharan haram.
Tah kitu pangalaman kuring téh. Mugia ieu tulisan sing jadi eunteung pikeun para koruptor ngora nu karék léléngkah halu. Hayu urang korupsi berjamaah, supaya karasa leuwih apdol! Mugia Gusti salawasna nangtayungan urang.

NEW CANNIBALISM

Kénging Iberani Man
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 16:38:24

Nu campego dina golodog. Neuteup ka peuntas, barosongot. Nu geus beureum mah, pada rido. Dipetik. Paneuteup kandeg di nu keur popolotot. ”Montong lengle gawe teh!” Hahaok. Nu maretik katenjo nyorodcod. ”Sing era, pan buruhanana geus jaradi podol! Can, balitungan hutang sejenna!” jamotrot. Sabot manehna ngiceup, tetenjoan tadi ngadak-ngadak robah. Kapireng sora humariring. Nu hahaok jadi marahmay. Barang tuang bangun nikmat.Hiji, hiji, bugang Bi Enti, Ani, jeung Sumi, dihakan. Dibungbu bako. Beak. Teu nyesa. Kitu deui eusi peujitna.

AMBEK

Kénging Reni Asmara Budi
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 16:31:37

Bray muka lomari , seaaaakkkk…asa aya nu nyeak nyaliara saawak-awak, panaas alaah batan diduruk waktu ningali baju batur tinggarantung dina lomari indung. Teu mikir dua kali,Duruduut, durudut didudutan. Bru, bru ditambrukeun juru panto. Aya meureun lima setel mah. Guriwel digembol dibawa ka buruan tukang. Wur dibanjur ku minyak tanah, gur diduruk. Seuneu ngabebela, ngalentaban naon wae nu kaduruk.Panon mencrong kana seuneu, beungeut geuneuk pinuh kaceuceub.

Gerung-gerung sada mobil asup ka garasi. Kadenge aya nu tingkulutrak asup ka jero “ Bapaaaa, ka marana baju abdi teu aya hiji-hiji acan? “ aya sora awewe ngagerewek. Teu kungsi lila jol bapa diiringkeun ku manehna. “ Kania teu ningali baju Si Ibu?” Dijawab ukur ku curuk nu nunjuk kana durukan. Gawawak manehna ceurik aluk-alukan, atuh gantawang bapa oge nyarekan lak-lak dasar. Teu hayang ngalawan, cicing teu lemek. Beres bapa nyarekan, pok ngomong antare naker, “ Kakara baju diduruk ,ceurikna kuat ka aprek-aprekan, komo lamun jiga indung kuring, lahir batinna disasaak, salakina direbut, kamarna dipake tuluy lomarina dieusian baju maru”. Geus ngomong kitu mah , gejlig indit muru indung nu ngajoprak teu walakaya, diakeup pageuh, karasa awakna nyongkab.

EULEUNG EUY, EULEUNG

Kénging Usep Romli
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 16:05:23

Hiji-hijina tangkal jambu kulutuk nu nyesa di lamping pasir. Pinuh ku barudak tataraekan di dinya. Tingpelenoy dina dahan-dahanna nu ngarandakah. Bari ngawih lalaguan baheula. Nu kungsi kamashur samemeh kalindih ku lalaguan kiwari nu matak moho, bangsaning “Cinta Satu Malam”, “Hamil Duluan” jeung sabangsana.
Geura etah kadenge eces kekecapanana :

Euleung euy euleung, barudak urang ka jami
Beungbeung euy beungbeung, jangji pamingpin kamari
(Nu aya ukur budah hampos tina baham-baham calawak
Bari taya kendatna bubat-babit ngagalaksak)

Euleung euy euleung, barudak urang ka dayeuh
Euweuh euy euweuh, sakabeh geus jadi careuh
(Beak hayam beak piaraan disasaak tinggal tulang
Mangpang-meungpeung meunang jalan kasempetan)

Euleung euy euleung, barudak urang marandi
Euweuh euy euweuh walungan beakeun cai
(Sumur lebur, cinyusu saat ngoletrak
Dalah cimata geus teu bisa ngeclak)

Hiji-hijina tangkal jambu kukutuk nu nyesa. Hiji-hijina lagu masih keneh nyora,***

POÉK

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 15:44:05

Poék. Hideung. Pareum. Éta anu ditingali ku Si kembang Malati basa hudang saré. Leumpang. Kabéh katubruk. “ Panonpoé kamananya? Ieu téh peuting kénéh kitu? Meureun lamun peuting aya bulan jeung béntang. Tapi ieu mah euweuh” pokna. Sanajan poék, tuluy wé leumpang. Poé jadi minggu. Minggu jadi bulan. Si kembang Malati angger kénéh ngarasa poék. Manéhna ceurik. Teu bisa ulin. Teu bisa ningali Si kembang Eros. “ Duh katumbiri, panonpoé, kamarana maranéh téh. Poék ih. Sieun. Anu katingali ngan pulas hideung. Éh, tapi karunya pulas hideung, datang teu dihargaan ku kuring. Hampura hideung. Aya untungna manéh datang, kuring jadi teu bisa ningali tapak Si kembang Eros. Kuring jadi boga jalan sorangan. Karunya Si kembang Eros dituturkeun waé. Éra kuring geus nyusahkeun. Wilujeng sumping hideung. Kuring bungah lamun Si kembang Eros bungah. Sigana panonpoé jeung katumbiri keur liburan” pokna deui. Panonpoé ceurik ningali Si kembang Malati. Lolong.

CITA – CITA

Kénging Anggi Tesya
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 15:39:58

Gék diuk dina kasur. Gogoléran. Nangkuban. Nangkarak. Serba salah. Teu puguh. Ningali kana lokét, euweuh duitan. Rék ménta, sieun dicarékan. Manéhna ngahuleng. Lila. “ Aduh teu boga duit, gawé kitu tibatan ngahuleng mah. Tapi gawé naonnya? Karék gé kelas hiji SMA. Dagang kitu? Tapi dagang naonnya, modalna gé euweuh” gerentes haténa. Tuluy manéhna indit ka rohangan tipi. Diuk gigireun indungna. Dina tipi aya iklan outlét – outlét di Dago. “ Bu engké Anggi hoyong gaduh outlét siga kitu di Dago, hiji wé. Ngarah beunghar hahaha…” ceuk manéhna. “ Nya jung wé dina impian hehe” témbal indungna. Manéhna lumpat ka kamar. Baeud, nyeri haté. “ Awas wé lamun Anggi engké jadi jalma pinter jeung beunghar, Anggi rék ngabangun outlét dimamana. Sing loba pisan. Ngarah Papah jeung Ibu bangga ka Anggi” ceuk manéhna bari ningalikeun PR loba anu can dikerjakeun.

TAHU GEJROT

Kénging Ayie Bukhary
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 15:33:25

Si Udin Tahu ( Udin Tukang jualan Tahu ) tadi pasosore mabok AO beak 2 botol. Ngomongna ngacabreg alias ngacacang sabari ngacung-ngacung rancatan. Ku RT Emod di gusur ka Pos Hansip. Di Pos Hansip ditanya ku si Emod " Ari maneh nanaonan mabok ngaganggu kanu lain ? ". Jawab Si Udin Tahu " Anjing Tahu Asli aing di gejrot ku si Edoh ". Naha Tahu-Tahu wae meni kudu ribut jeng mabok sagala " Cek RT Emod ". Anjing ieu mah lain Tahu samarangan " Cek Si Udi Tahu semu cadel ". Naha Tahu nanahaon ?. Ari Tahu mah tetep wae Tahu ". Anjing Tahu asli ieu mah lain rasana, saking ngenahna, anjing asa hiber karasana ". Si RT. Emod Kerung teu ngarti, tuluy nanya deui. " Naha Tahu nanahaon ? ". " Tahu Pamajikan aing anjiiingg..! ". Si RT. Emod olohok sabari ngacay " Anjiiinngg...! ".

SAWANGAN

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 15:09:38

Ngalieuk ka kenca, pamajikan kahiji jeung kadua keur uplek ngobrol bari leumpang. Ngalieuk ka katuhu, nu katilu ngagelenyu. Ret ka hareup, Wanoja anyar pinanggih ngagupayan. Enyaan kuring mah mun dina pawayangan mah Arjuna adina Bima. Cur cai ti luhur kana sirah, korejat hudang, hareupeun indung si teueul keur molotot bari nyepeng teko. "..... milik teh ngan saukur dina ngimpi", gerentes hate bari ngaleos ka tampian.

NEW CANNIBALISM

Kénging Iberani Man
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 14:59:17

Campego dina golodog. Neuteup ka peuntas, barosongot. Nu geus beureum mah, pada rido. Dipetik. Paneuteup kandeg di nu keur popolotot. ”Montong lengle gawe teh!” Hahaok. Nu maretik katenjo nyorodcod. ”Sing era, pan buruhanana geus jaradi podol! Can, balitungan hutang sejenna!” jamotrot. Sabot manehna ngiceup. Tetenjoan tadi ngadak, ngadak, robah. Kapireng sora humariring. Nu hahaok jadi marahmay. Barang tuang bangun nikmat. Hiji, hiji. Bugang Bi Enti, Ani, jeung Sumi, dihakan. Dibungbu bako. Beak. Teu nyesa, najan ukur eusi peujitna.

AMANAT

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 14:56:01

Maké korsi roda. Kuring ngadorong Nini kana lift Rumah Sakit. Basa lift liwat angka tilu, jol reug eureun, lampu indikator pareum. kadéngé sora alarm kahuruan disada. Reuwas tur geumpeur, dina lift ngan duaan. Nini napasna mimiti kaciri eungap, gancang selang oksigén dipasangkeun kana pangambungna.
Waktu panto lift kabuka, Nini gancang dibarawa ka UGD,Alhamdulillah Nini katulungan. Olohok mata simeuteun basa indungna barudak beut ngagaléntoran lalaki nu ngagoler gigireun Nini. ”Gusti!, éta geuning jasad kuring nu keur diceungceurikan téh.” Kuring ngaragapan awak sorangan.”Duh Gusti maot téa abdi téh?”. Piceurikeun nyelek natikoro, tapi teu kaluar cimata.”Emh, pileuleuyan Mah!, ngan neupi kapoé ieu urang babareungan téh. mihapé barudak nya! Bisi rék kawin deui prak! Papah rido, ngan kadé néangan nu lewih beunghar, ambéh barudak teu susah hirupna,.teu perlu nu kasép jiga papah, nupenting mah nyaah ka mamah ,nyaah ka barudak. Papah mah InsyaAllah tos disayagikeun widadari, parawan, jaba geulis deuih, teu jiga mamah keur pendék téh bureuteu”

SI PÉLOR-2

Kénging Syam Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 14:55:02

Saprak aya si Pélor, ka Jepang jadi jalan kacai, kitu deui jang Adun, indit nyenén pasusubuh, balik maranti jumaah soré, ngadon jualan géhu diditu. Mangkal di wewengkon Kyoto, adek pisan ka pusat kulinér. Nunda gorobag sangeunahna, luhureun trotoar pisan, nu lalar liwat kaheurinan, pating buncelik, pating kecewis, majarkeun teu boga kaadeuh. Jang Adun mah nyantéy baé, asa teu boga salah, pilakadar gé sakitu, adat goréngna kabawa kapanyabaan, teu apaleun yén di nagri deungeun mah disiplin tinggi. Balik deui ka si Pélor, anyar anyar mah enya matak genah merenah tumaninah, beuki lila beuki sareukseuk, jok racét ku curat corét, sela sela jandéla diparaké asbak. Nu ngamén baramaén pagaliwota, asongan nyakitu deui, kari kari deuih nu teu kabagéan diuk gé ngahaja mekel jojodog. Si Pélor teu datang deui, rélna béak ku rinyuh, lain rinyuh samanéa, rinyuh nu apaleun lapak loak. Kiwari Sumedang kawas sasari, teu bogaeun jalan kareta, teu bogaeun rél rélna acan.

MAKSAKEUN

Kénging Rmb Martadi Kusumah
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 14:52:10

“Tuh gunung nangtung. Luhur satangtung” ceuk kolot ka budakna nu ngagerentes, “Nangtung ngan ukur satangtung, pasti aya tungtung”

“Tuh cai ngalir. Ti gunung ngamalir nepi ka hilir” ceuk guru ka muridna nu ngagerentes, “ Ngalir ngamalir ngan nepi ka hilir, pasti aya akhir”

“Tuh béntang baranang. Panungtun manusa nu keur ngalanglang” ceuk dunungan ka badégana nu ngagerentes, “Baranang panungtun ngan saukur jadi kahayang”

Méh sapok-pokeun, éta kolotna, guruna, dununganna némbal, “Paksakeun!”

Nya kuring jeung kurung prak bari pok, “Maksakeun”

Ka-11, Jumaah, 31/8/2012

JAMPE PELET TI MANG UHA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 14:42:43

"Kuring bujang ,Anjeun lanjang. Sarua jugalana , anjeun anak camat ,kuring anak hansip. Na kunaon unggal panggih jiga nu kaliwat ceuceub?" Ceuk pikir Asep Joni.
Balik jumaahan Asep Joni nyimpang heula ka Mang Uha , tukang beca nu pamajikannana di unggal parapatan. Ku Mang Uha ngan ukur dibere harewos bari diamanatan." Bacakeun malem Jumaah Kaliwon dina mangsa dordar gelap !"
Saminggu ti harita Neng Lilis teu genah cicing. Unggal usik ngurlingan imah Asep.

DIBUAT

Kénging Miskar Kariti
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 13:18:45

Kabeneran, “Buru-buru teu kudu ditempo! Paré ropoh alaeun!”
Nyieun sawén. Dikukusan. Mitembeyan. Tangkal jeung daun aralus, ranggeuyan lalandung, ngan réa nu hapana katambah-tambah ku nu nyisil ....
Tayohna, kuring réa kagendam munjung-muja hama.

KAWASA

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 13:12:14

"Dewek raja! Dewek kawasa! Kumaha dewek we atuh!?" Juragan Ageung bendu, basa nyaksian aya rahayatna nundutan, nalika dirina keur biantara. Ngarasa teu di regaan. Teu ngahormat. Calutak. Cumantaka. Kudu diwarah, gerentesna. "Apanan hirup silaing sakabeh teh dewek nu nangtukeun, lin? Naha jadi ngalunjak?! Geus sawajibna kabeh rahayat kudu hormat ka dewek!" nyereng bari tutunjuk. Bentik. Teu kanyahoan asalna, kadenge aya nu ngagorowok, "Hormat senjataaa...at, grak!!!". Mani ngajelengeng. Teu antaparah, giak sakabeh hamba rahayat nu hadlir di sampalan naronggeng. Ngahormat raja. Juragan Ageung unggut-unggutan, nurutan kalde. Tanda sugema.

DIBUAT

Kénging Miskar Kariti
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 13:03:56

Kabeneran, “Buru-buru teu kudu ditempo! Paré ropoh alaeun!”
Nyieun sawén. Dikukusan. Mitembeyan. Tangkal jeung daun aralus, ranggeuyan lalandung, ngan réa nu hapana katambah-tambah ku nu nyisil ....
Tayohna, kuring rea kagendam munjung-muja hama.

NGARAN JALAN TINA CACAI-AN

Kénging Eulis Watidihati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 12:50:35

Sigana loba di kota Bandung ngaran Jalanan teh lolobana
make' cai, naha nya kunaon sababna coba aya nu apal teu
kana sajarahna kunaon make" cai/walungan gede' !!!
Sok geura urang papay sebutkeun pek ku Aranjeun teruskeun ....

Cijambe, Cinunuk, Cimanuk, Cileunyi, Cikoneng, Citarum,
Cibeunying, Cicaheum, Cicendo, Cikudapateuh, jrrd ....
Atawa memang di taneuh Jawa Barat alais Parahiangan mah
loba sungai alias walungan nu gede caina, loba laukna

Cikapundung harita bareto keur zaman taun 80'an mah
sok masih keneh diuseupan, mana laukna ge meujeuhna
garede mundel we' ari jang sae'rte' mah, malahan belutna ge'
Ditarewak tatangga pasisian jalanan nepi jl. Paledang -Lengkong

Tapina ayeuna mah parantos hariwang, honce'wang
Nariksa Cai walungan meuni hideung lengket mana barau
Katambah ku loba runtah jeung saung-saung butut
Pasolengkrah, bararau, ararijid, karunya teuing lemah cai ...

KACANIR BANGBAN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 12:44:42

“Hampura Jang, bapa lain teu ngajénan kana pamaksudan Ujang mikarep ka pun anak. Enung, pun anak parantos diremokeun ka Cép Anang putrana Pa Camat. Walhasil...” Leng! Bumi alam asa muter. Ceuli ilang pangdenge. Kesang tiis beueus. Luk! Sirah ngeluk. “Su...sumuhun kahartos pa, hapunten sim abdi parantos kumawantun, badé permios sun.” Tikoro nyelek. Dareuda. Léos ninggalkeun imah sigrong. Rumanggieung. Di saung tengah sawah. Ngahurun balung. Batin asa disiksik hinis. Nyeuit nyelekit. Kacanir bangban. Angen kumalayang. Ras. Inget ka Abah Dirja. Dukun lepus nu kaceluk, dukun kemat nu kakoncara. Boa kudu kadinya?

SI PÉLOR-1

Kénging Syam Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 10:57:41

Ku téknologi mah euweuh nu pamohalan, Sumedang Osaka ngan sajorélat, ngabelesat meulah jagat, nyuruwuk kajero taneuh, nyingraykeun sagara, notog ka gunung Kunci brasna ka handapeun terminal Ciakar. Shinkansen saba Sumedang. Laksana boga jalur karéta jero taneuh, padahal basa dikéker ku Walanda baheula, ngabelegbeg poék, méré totondén karuhun Sumedang siga nu teu ngidinan. Geus ka Sumedang, Shinkansen robah ngaran, nelah si Pélor. Rebun rebun kénéh si Pélor kloter kahiji jebul, nu turun jeung nu unggah sarua lobana. Nu ariang ka Jepang paseging paadu siku jeung nu tarolab élmu kaditu. Kitu deui ceu Miyabi Ozawa barang jrut turun ti si Pélor, ngajiriling kana béca, muru pasar dadakan sapanjang jalan 11 April, jlé gigireun tukang pindang, ngadadarkeun dagangan, Teriyakiyakiniku, sabangsa goréngan teri anu yakin cenah pasti laku.

BIMBANG

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 09:59:44

Ti saprak manehna ngajak panggih, bari paromana pinuh katresna, jadi teu puguh rarasaann guling gasahan, hate marojengja, bulak balik ngeunteung , ningali beungeut sorangan.
Nahanya resep ka kuring.? mangrebu rebu NAHA nyaliara dina dada? tug nepi ka kiwari teu nyaho jawabana.
kumaha atuh kesaptu baris panggih?

NOGENCANG

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 09:03:29

Waktos abdi nganjang ka bumi salira. Bet ku teu kahaja mendakan cau ambon meni darenok luhureun meja makan. Bongan diasongan. Nya di henggoy da salira nu nawisan. Teu ngurus di gayem di enyem-enyem tuda sakitu ladu kareueutna.
Karasa seuseut basa ngaliwat kana tikoro. Diutahkeun teu wasa diteureuy teu bisa
Batiiiiiiing ku bating......!, mun ceuk babasan urang kulon. Karek eungeuh mun kuring geus murak cau ambon di korangan.

BASA USTAZ ATANG NGADUA

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 08:30:52

Di bulan puasa, kagiatan Ustaz Atang full ibadah. Ngaimaman tarawéh. Ngaderes Al-Quran. Subuhna ngaimaman solat diteraskeun ceramah. Di bumi, ngahanca deui ngaderes. Biasana sok kulem heula, tapi kulantaran sonten aya uleman kultum ti PLN, Ustaz mukaan deui kitab-favoritna. “Sanajan tujuh menit, di PLN mah materina kudu munel, ” gerentesna.
Tabuh opat Ustaz tos saged. Dikopéah hideung. Dijas hideung. Jeroanna kaméja bodas . Disampayan sorban héjo. Mobil tahun 80-an tos dihurungkeun Jang Dede, supir-témbakna.
Torojol Kang Odang, tatanggana, bangun nu susah. “Pa Ustaz, mamanawian badé nambut mobil. Si bungsu teu damang répot. Badé ka RS, ” ceuk Kang Odang.
“Kumahanya akang téh aya uleman? Bade mios pisan. Sanes teu hoyong nulungan.”
Kang Odang balik.
Di PLN, kultum Ustaz hadé naker. Jadi pamujian. Méméh tuang raos, méméh narima amplop kandel, Ustaz mingpin dua. Duana maseuhan mangpirang soca jamaahna. Tapi, Allah teu maliré dua Ustaz sabab Anjeunna nuju nyarengan putra Kang Odang nu nembé ngantunkeun.***

DEWEK PERSIDEN

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 08:03:05

(Jawaban terhadep "Aing Presiden")
"Geuleuh ku naon, hewa ku naon ka dewek?" tempas jalma jangkung badag, kasep tur sembada. Juragan Ageung tulak cangkeng. Nyereng. "Dewek raja!? Dewek kawasa!? Naon karugian di dinya? Kumaha dewek we atuh!? Di dinya teu perlu ikut campur kana urusan dewek! Ulah nyiar-nyiar pucuk ti girang, euy! Pucuk mede, ngeunah! Pucuk dicinta mah ulam tiba, deuleu!? Sok rek kumaha di dinya? Rek adu telu ampar tiga jeung dewek? Dewek moal undur sasiku, moal ngejat satunjang beas! Hayoh, geura sambat indung nu ngandung, bapa nu ngayuga. Pilih sampalan nu lega. Urang tarung patutunggalan! Ulah sambat kaniaya!". Jrek! Ki Dalang nyejek kecrek satarikna. Nayaga rikat nempas ku wirahma yuda. Panggung oyag.

MUMUNGKALEUN

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 07:23:29

Korejat, tiris , goler deui , pagawean beres ku tibra.

AJI PAMELING PAMEKASING RASA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 07:07:26

Aya rasa panasaran nu teu kinten ageungna, kapanasaran pikeun mapatkeun aji Pameling Pamekasing Rasa, ajian nu diwiridkeun ku nu janten guruna, Resi Druwarsa, lebah taman sisi empang nu dipapaes ku kembang tarate, Dewi Kunti Nalibrata mapatkeun ajiannana bari nyambat Dewa Surya. Ngadadak birahina ngagalura nu disarengan ku katresna nu teu kinten iklasna, estuning pasrah sumerah ka dewa nu diambatna.

Langit bumi ngadadak gonjang-ganjing, Sang Surya nu ngawasa uwung awang, ngadadak gumeter kalalakiannana, gumeter ku doa-doa Aji Pameling Pamekasing Rasa, birahina ngadadak ngagalura ningal kageulisan sareng sampulurna Dewi Kunti, katresna ngadadak ruhay. Dua raga awor dina rasa nu teu kinten nimatna, awor dina rasa bari ngeclakeun genclangna tirta lebah kulambu pulas biru.

Sang Surya imut ngagelenyu bari teras ngusap lambut Dewi Kunti Nalibrata, lajeng mulih deui ka jomantara pikeun mancen deui darmana dina cahya nu gilang gumilang pikeun nyaangan jagat wawayangan.

Sajongjonan Dewi Kunti hareugeueun ku pangalaman nu teu kinten endahna, namung ngadadak lir sadagori ngageuri, keclak cisoca ngalembereh maseuhan kahanjakal, asa hina nyawang tangtungan, ngaraos kotor ku raga warugana.

Dewi Kunti mung wasa pasrah ka Hyang widi, rema-remana ngusap lambutna nu ditakdirkeun kedah ngagelarkeun putra titisan dewa, satria sajati nu mangsa jaga kedah begalan pati sareng nu janten raina

NYANDUNG DINA SAPOÈ

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 06:46:04

Babawaan pakèan keur sèsèrahan geus di bungkusan di alus-alus, kasur, kadaharan jeung sajabana geus disiapkeun pikeun isukan bawaeun. Atuh di calon pangantèn istri nyakitu saraged sasadiaan nyampakeun ti pihak calon pangantèn pameget. Subuh rebun datang rombongan anu mawa hiji wanoja bareueus balas ceurik sapeupeuting, diiring ku indung bapana. " Kuring teu suka anjeun geus ngagadabah anak kuring bulan tukang, ayeuna anjeun rèk kawin ka batur, sok siah lamun teu di kawin ayeuna, iyeu anak aing, rèk di ka pengadilankeun", ceuk bapana èta wanoja. Atuh bari kaayaan tagiwur kulawarga lalakina bari samarpolah , antukna dikawinkeun heula èta calon pangantèn pameget tèh, waktu harita kènèh disaksian ku kulawarga anu ngontrog jeung kulawarga lalaki. Rengsè kitu indit sèsèrahan kanu geus disiapkeun titangèhna, di papag ku pihak calon pangantèn istri ku solawat tola'al. Sadaya nu ngiringkeun alum pasemona, teu biasana siga dinu ngawinkeun, taya saruka bungah. Pangantèn dirèndèngkeun diriung ku kulawarga, baraya, katut tatangga, ngalingsreuk sedih, rumaja putri nu tos teu aya indungna, ayeuna rèk dirapalan dina kaayaan kapaksa.

KABOGOH POEK

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 06:33:15

Bray! Padang.
Cahya balébat. Sumirat.
"Duh jungjunan... anjeun mulang tan pamitan".

KUKUPU PEUTING

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 06:24:56

Kukupu peuting teu wasa hiber ti beurang.
Tutas tilu kumbang ngajak kumalayang.
Lungse.

AING PRESIDEN… (EDISI NEUTEULI)

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 05:51:18

“Hudang siah…!” jelema jangkung badag, aya hareupeun. Eureupap-eureupeup, can kumpul pangacian. “Aya naon, Pa?” budak nu dihudangkeun, can kénéh nyadar. Jelema jangkung badag beuki molotot. “Deuleu…! saha tuh dihareup?” curukna tutunjuk. Si Sarpoed, budak kelas 3 SD mencrong nuturkeun curuk. “Teu aya sasaha, Pa?” bari gigisik panon. Gebeg! enya wéh jalma nu ditunjuk geus ngiles. Ibur sarohangan, sakota, sanagri, geunjleung saalam dunya. ‘Pupuhu Nagri Ngahiang..!’ Deadline tina tiap Koran. Geus saminggu ti harita, di hiji wewengkon, aya budak kelas 3 SD keur pada nyeungseurikeun. “Aing Presiden.. Aing Presiden…” pada cangcaya…

AING PRESIDEN… (EDISI NEUTEULI)

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 05:44:59

“Hudang siah…!” jelema jangkung badag, aya hareupeun. Budak eureupap-eureupeup, can kumpul pangacian. “Aya naon, Pa?” Nu dihudangkeun, can kénéh nyadar. Jelema jangkung badag beuki molotot. “Deuleu…! saha tuh dihareup?” curukna tutunjuk. Si Sarpoed, budak kelas 3 SD mencrong nuturkeun curuk. “Teu aya sasaha, Pa?” bari gigisik panon. Gebeg! enya wéh jalma nu ditunjuk geus ngiles. Ibur sarohangan, sakota, sanagri, geunjleung saalam dunya. ‘Pupuhu Nagri Ngahiang..!’ Deadline tina tiap Koran. Geus saminggu ti harita, di hiji wewengkon, aya budak kelas 3 SD keur pada nyeungseurikeun. “Aing Presiden.. Aing Presiden…” eweuh nu cangcaya…

NU ANYAR HUDANG

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 03:28:59

Lilir. Nguliat laju cengkat. Ni’mat kacida. Saré aya ku tibra. Ngumpulkeun pangacian. Nginget-nginget impian. Lebeng. Cahaya matapoé lebah sela-sela guha. Bangun maksa. “Gera harudang, geus beurang!!” ngalieuk ka sisi ka gigir. “Gusti nu agung..!!” reuwas. Sababarahakali ngagisik panon. Ngégél biwir. Hanyir getih. “Gusti nu agung..!!” Karasa peurih. Sidik lain ngimpi. Tuur ngaroroncog. Ukur tulang. Yakin ieumah tulang jalma. Ngabayak. “Kamarana sobat kuring, gusti..?” simpé.

KEREK KOMTEMPORER

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 01:47:58

Krrrrrr......kerrrrrrrrrr...kerr.......sora kerek handaruan, siga randa keur galau.
krrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr.....kerrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr, kerrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr. beuki lila beuki naker, impian ngulayaban saban juru dunya.

Krrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr..........................kerrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr. Krrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr...dina dahdir kaluar beungeut Syahrini jeung para politikus nu keur kampanye.

Krrrrrrrr....kerrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr.....

"Allahu AKbar, Allau AKbar!", lapat lapat sora adzan ti lembur sabeulah.
Nu kerek anteng ngeukeupan impian

MAPAG PANGANTEN

Kénging Asep Rachmat
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 01:37:55

Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, rombongan calon panganten pameget katingali sumping.
Rét ka palebah calon pangantén awéwé, geus saged nangtung seja mapag. Seblak... ieu hate ujug-ujug ratug tutunggulan.
Di lawang gapura, nu gandang béar marahmay, pameunteu lir Kamajaya, ajeg ngadeg diapit ibu ramana.
Goong tanggara ngagoar tilu kali aweuhan, sorana nyéor mancawura ka madhab papat.
Haté milu ratug. Ramo ngopépang kana kawat kacapi.
Gorolang pangrajah, sisinglar naratas jalan wiwitan dipirigan kunasari.
Suling ngagelik ngageuri ati, koléar Aki Léngsér angkat midang, leumpang dibareng bebenjén, ngaringkang paheula-heula jeung kalangkang.
Kaléon ngawirahma. Umbul-umbul ting pelengkung, gulang-gulang samapta gada. Langgéor aleutan mojang maranis, mayangsari nu gareulis ngahujanan ku awuran kembang.
Barasat..!, payung kuning ngagebray kadia emas sinangling ti kahiyangan, mawa pancén pikeun ngaiyuhan.
Nu geulis ngagandeuang mapag ku kalung bunga, malati ngaruntuy ngajadi ciri.
Pangapungan éndah ngagendingan mangsa, poé ieu anjeun ngajatukrami, calik ngaréndéng dina korsi pangantén.
Geus teu wasa deui ningali anjeun. Asa aya nu ngalémbéréh mapay pipi, ngeclak maseuhan kawat kacapi.
Kebojiro mungkas jejer acara, mungkas lampah nu tacan kasorang.

JAJANTUNG BARCELONA

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 01:17:50

Si Pongo anjog di Palabuan Barcelona.
“Hola! Bienvenido. Como esta, Señor?” ceuk supir taksi.
“Sae, gracias. Anteur uing mapay Barcelona, euy!” ceuk Si Pongo.
“Bade ngadongdon katedral Sagrada Familia?”
“Keun, engke deui.”
Laju mapay La Ramblas. “Di dieu mah seueur kafe. Oge aya Plaça de Catalunya. Tah, ieu pasar buku sareng suvenir.”
“Ari maneh bobotoh FC Barca?”
“FC Barca mah numero uno, atuh. Tuh, itu air mancur Canaletes, tempat ilahar bobotoh suka-suka mun FC Barca meunang. Tah, bilih peryogi sayuran sareng bungbuahan, saena mah di Mercat de la Boqueria. Bade ngersakeun?”
“Engke deui.”
“Señor, manawi bade ka musieum Picasso di Calle Montcada? Aya lukisan ‘Mother and Child’, katut ‘Woman at a Bar’. Pami bade ngalongok, tiketna teh 9 Euro.”
“Lain, ari jajantung Barcelona teh kumaha bungkeuleukanana? Uing hayang ngadahar eta jajantung. Maneh apal? Eta nu sok dihaleuangkeun ku Fariz RM tea,” ceuk Si Pongo.

SAHA ARI KULA

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 31 Agustus 2012 00:05:05

Kula nu salawasna marengan kamana anjeun miang jeung di mana anjeun cicing. Kula nu salawasna nyegah mangsa anjeun rek ngareumpak kana aturan. Kula nu teu weleh mumusuhan jeung kahayang anjeun anu teu munasabah. Kula nu hayang miwanoh jeung pohara nyaah ka anjeun. Tapi weleh anjeun nu api-api. Mangka iatna anjeun baris nandang katunggaraan mun anjeun keukeuh peuteukeuh nganggap nu lian ka kaula.