Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Agustus 2012 (31 Naskah)


VONIS

Kénging Firda Aulia
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 23:48:50

Naon deui nu kudu dicaritakeun k Anjeun? Carita nu meredih cimata sedih atawa carita tunggara ngarah dipikarunya? sedengkeun cipanon geus ngoletrak saat, tunggara beakkeun carita bari kanyeri mah teu daekeun suda.

Apan dawuh Anjeun dina Yunus 49, yen unggal mahluk boga ajal. Mun geus waktuna, Euweuh nu bisa ngahalang2.

Getih nguwung dina selaput otak, kelainan hemoglobin, kerusakan pembuluh kafiler lain ijroil !!!

Surat vonis ti dokter geus jadi lebu, haseupna luak leok muru langit. kawas dzikir nu maseuhan biwir, teuing nepi moal k langit Anjeun

PUASA

Kénging Zahra DW
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 23:27:46

Golédag...teu rep. Cengkat deui...nyaring, ngadon nyileuk. Guling gasahan. Rungsing. Marojéngja. Huh...Malem Jumaah suwung deui waé. Miluan puasa.

SÉNGSÉONG NU NYUMUR TUJUH

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 23:19:21

“Punten Nong geulis, bulan puasa mah tara ngajarahkeun” Abah kokono. Nu sémok jamedud. Deugeul, keukeuh deuk nonggoh. Sakur nu papaliwat ngajarebian. “Teu nyaho diwanci, dasar séngséong” cénah. Gunung Karang geunjleung, aya nu sémok nyumur tujuh Bulan Ramadhan jasa. Abah kuncén mangprihatinkeun kanu dikonokeun deungdeungeun.

Maleman Nuzulul Qur’an, leuwih geunjleung. Nu qiro’at ngagalindeng jasa, dinu Masjid Agung tengah kota, horéng Nong Méysin, nu maksa nonggoh ka Si Abah Kuncén.

Marulang tinu Lilikuran di masjid, garalécok "asa dosa, geus nyangka goréng kanu sémok nu nyumur tujuh kamari téa" kadaruhungeun.

Isukna geus haliwu deui baé, dina oko pangbagéan ti masjid tadi peuting, aya duitan, dibungkus amplop gambar Nong Méysin keur nyéréngéh, tinulis : Wilujeng Boboran Shiam.

Kamus Mini :
Deugeul = bangor, bengal
Deungdeungeun = deungeun-deungeun
Dikonokeun = diomongkeun
Jasa = pisan
Kokono = ngomong, ngabéjakeun
Lilikuran = hajat ngadunga maleman lilikuran ganjil bulan ramadhan di masjid
Séngséong = awéwé bangor
Marulang = baralik
Nong = panggilan ka parawan/leuwih ngora
Oko = wadah dahareun pangbagéan dina riungan
Sémok = geulis, dénok

NGOMONG SORANGAN

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 23:00:16

"Sugan moal ngaganggu deui..,dicangcang dibakutet sakalian siah!!. Ngandelkeun kahayang mah ulah kumelendang siah meungpeung uing keur jongjon madep di bulan nu pinuh ku barokah ieu. Teu kitu kumaha geura?. Tiap uing rek hudang kalah disimbutan ku kulit babi, rek ka cai majar teh ulah tiris bisi asup angin, jeung rea-rea deui. Pokokna mah saban rek nyieun kahadean sok teu weleh ngagoda si Astahiam iblis teh!".

TÉLIK SANDI

Kénging Mancerod Tanpoaran
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 22:59:28

Sajongjongan Ariya Wirawangsa, ngahuléng ngaragaménéng, nangkeup layon Dipati Ukur, samar polah hénteu puguh raraosan.
Sarengse ngureb keun kuanjeun layon, da puguh simpe di tepis wiring leuweung kolot Gunung Kancana.
Keris pusaka pangwaris Dipati Ukur tos manjing warangka, dibungkus ku iket barangbang semplak na. Ladjéng mulang ka Sukapura.
Sawatara kitu Ki Télik sandhi, nu titatadi ngadedémpes dina hieum na dangdaunan, mireungeuh rajapati tos miang, cungas cengos kaluar tina panyumputan, ngaludang deui kuburan, layon ditugél mastaka na. Diboyong dicandak ka Mataram.
Raga tanpa mastaka dangiang Gunung Kancana.

TANGKAL SALAM

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 22:53:39

Lamokot. Ramo-ramo bobolokot dina pot. Pot hideung. Taneuh. Binih Salam ngagoler gigireun pot. Lima senti, sirung tilu. Gap. Akarna diusap. Diajegkeun nengah pot. Nyeceb kana taneuh. Ramo nu sejenna ngarawu taneuh tina keresek hideung. Ati-ati. Mageuhan nu hayang panceg. Taneuh anyar, Salam, lahan anyar. Pot hideung. Sirung tilu, tangkal lir nyere, ditata diusap. Lamokot. Merenahkeun di juru pakarangan. Jol girimis. Lir keclak cimata. Aya ramo nu melak di bumi, aya ramo nu nyebor ti langit. Salam. Lima senti, tilu sirung. Taneuh anyar, Salam, lahan anyar. Pot hideung. Dunya.

HAREPAN PUN BOJO

Kénging Erwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 22:51:39

Janari leutik. Pamajikan keur émok luhureun sajadah. Mukena bodas masih kénéh mungkus awakna. Teu kahaja miireng du'ana sabada manéhna solat tahajud. "Gusti, Nu Maha Welas tur Nu Maha Asih, pamugi dina taun ieu mah Boboran Siam téh ulah dugi ka aya perbentenan deui. Rumaos abdi sareng carogé mah bénten pamadegan. Sareng nu utamina mah, Gusti, abdi alim aya sayur sareng opor anu dihaneut-haneutkeun deui, Aamiin"!

"Beu, aya ku jero éta du'a téh, Bu," ngagerentes, bari tuluy cengkat tina pajuaran.

KEJO PULEN SUGAN MAH

Kénging Mang Ayid Agunsi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 22:43:20

"Yap wang ngariung babarengan, sangu geus asak" pun bapa ngageroan ti beulah dapur, korejat kuring hudang da kabeneran keur ngomekeun kandang hayam.
Ka kuping soanten ema semu dareuda pokna "bapana ieu teh beas panungtung, keur sore mah can aya"
Kuring nu sapopoe luntang-lantung teu puguh gawe kur bisa ngahelas sabari ngusapan dada, komo deui mere kanu jadi kolot mah, ku ayeuna mah kur bisa ngabakti ku kalakuan nurut papatahna.
dahar teh karasa nikmat na, sok sanajan dibarengan ku sambel jeung lalab. da karasa pisan kesang si bapa jeung ema, ti mimiti macul, nepika molah sangkan jadi sangu, nu pinuh ku rasa ikhlas.

NYERI HUNTU

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 22:33:44

“Aduh!” humaregung. Jedud. Gugusi nyanyautan. Sirah asa bejad. “Sikat waos modéren...” cék iklan tipi. “Gandéng siah!” chanel dipindahkeun. Jedud. Waos ngajedud deui. “Aduh!” leungeun kénca ngusapan pipi. Leungeun katuhu mencétan tarang. Asa beuki ngahajakeun. Pating nyaraut. Bawaning ku nyeri geuntak néangan kenur, tuluy ditalian, tungtungna dibeulitkeun kana dahan jambu. Dibedol satarikna. Dorokdok tangkal jambu runtuh. Huntu angger pageuh. Nyerina beuki nambahan. Diganti ku senar kawat. Dibeulitkeun kana tihang listrik. Gubrag tihang rungkad. Ti harita mineng aliran. “Haduhhh!” reketek. Ditalian huntuna ku kawat beton. Dibeulitkeun tungtungna kana pager karaton. Det. Buraluk. Karaton rubuh. Raja lulumpatan disamping anduk. Panjaga jlung-jleng. Huntu angger nyeri. “Haduhhhh,” humarurung. Bréh. Dina tipi raja gumujeng bari sasauran némbongkeun waos nu mérés tur boborélakan. Cungar-cengir, rugrugna karaton dianggap teu sapira. “Aing nu nyerina!” tipi dibalédog. Jelegur. Bitu. Huntu racleng ti jero tipi. Blug. Ninggang awakna. Rénjag. Huntu raja karasa beurat. Manéhna teu bisa hojah. Huntuna sorangan beuki nyanyautan.

‘WARMING UP’ PASANGGIRI LEBARAN

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 22:26:01

Di kandang hayam, kaayaan keur meujeuhna riweuh. Rarécét. Pating kotkotak. Bari maca koran. Nongton Tépé. Ngadéngékeun radio. Aya ogé nu muka internét. Sakabéh hayam keur guligah. Pamingpin hayam indit ti isuk jedur, kiwari can jol kénéh waé. “Pa hayam pamingpin datang!” Ujug-ujug aya hayam jago nu gogorowokan. Dak dumadak kabéh jempé. Ngeureunkeun kagiatan sewang-sewangan. Surti. Kabéh mireungeu kana lawang panto kandang hayam. Hayam jago nu disebut pamingpin bari haruhah-harehoh lumpat satengah hiber. Blus asup ka kandang. “Dulur-dulur hayam. Tadi kuring milu siding isbat. Kaputusunana, pamaréntah keukeuh nangtukeun yen 1 Syawal 1433 Hijriah téh tinggal sapoé deui.” Pamingpin hayam ngarénghap. Laju neruskeun deui, “siap-siap wé ayeuna mah. Sing ikhlas. Sing ridho. Ti ayeuna nepi ka isuk, urang bakal aya nu kapeto. Dipilih jadi opor ku bangsa manusa.” Jep!

TI IRAN

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 21:16:05

Bi Edah keur anteng nguprek di dapur, masak keur engke buka puasa. Kepoh...kepoh...niupan seuneu dina hawu ku songsong nu tungtungna geus tutung kaduruk. Sangu dina aseupan geus ngebul tandana geus timus, angeun tahu jeung toge oge geus ngagoplak-goplak. Beuleum peda beureum weh dina tarang hawu kaangseu pepelenghiran, nyambuang angin-anginan. Sambel anu lendo mah ditambah lalabna seupan daun sampeu geus ngajagrag ti tadi keneh na bale-bale.
Kurunyung Nyi Isah anakna, ngalendean ka indungna nu keur meujeuhna kokoprot kesang.
"Nyungkeun acis atuh, Ma!"
"Keur naon acis, apan sakeudeung deui oge buka. Tuh, Ema geus masak sagala rupa!"
"Hoyong meser korma tiiran kangge tajilna!"
"Ti Iran? Euleuh...atuh mahal eta mah, timana Ema boga duitna?"
"Sarebu we da, Ma!"
Najan bari kerung ahirna mah golosor weh dibere. Bangun bungah pisan Nyi Isah geuwat lumpat, teu lila balik deui bari ngagiwing plastik leutik. Eusina....buah korma laleutik aya lima sikina ditiiran dina nyere...
Bi Edah seuri mawur bari pok waleh ka anakna.
"Engke Ema ngasaan sasiki, nya...!"

GILIG

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 20:42:56

Daun seureuh dua lambar heureut diéntépkeun, lédak lédak apu geus rada garing, padu bodas, buah gambir beunang méprék. Dibungkuskeun. Am!
Diuk ngangsrod dina balé réyod, leungeun katuhu maut daun pandan garing nu meunang ngarautan.
Mindahkeun heula kendi citiis jeung emukna. Nyieun lapak rada leuga, ngamimitian nganyam.
Diselang cengkat, lempang rumagiyeung, bongkok. Maut daun pandan menang moé tadi beurang.
Cucuk pandan dipautan, kenca katuhuna disebitan ku peso sesa etem.
Lampu tempel nu nangkod dina bilik ,kalucas kalices katebak angin peuting.
Jongjon nganyam juru samak. Jongjon nyepah.Jongjon dzikir
"Menggeus heula Nini, bisi saur kabeurangan!"
"Ke sakedeung deui,kagok!" Niatna geus gilig. Lebaran ieu hayang ngaganti samak tajug.

KABAYA BODAS

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 20:38:44

"Ma, dinten lebaran bade nganggo acuk kumaha,? ke, ku Nyai dipang meserkeun." ceuk Nyi Epon, ka Indung na. "Ema' mah hayang kabaya bodas, cindung bulao ngora. kebat rereng koneng buruk," walon indung na mapantes dirina. "Na iraha si Nyai miang deui ka dayeuh?" tanya indungna, aya rasa nu beda rek ditinggalkeun nyaba kunu jadi anak. Honcewang, jararauh panineungan.
Hirup paduduaan, bari Nyi Epon mah lila di dayeuh ngadon usaha. Asa nungelis sapopoena hirup nyorangan.
Poenan ka salikur ti dayeuh geus mimiti ting torojol ngadon mulang kasarakan, ngadon bengkung ngariung jeung kulawargana sewang-sewangan. Tada' teuing suka bungahna.
Tujuh likur pananggalan, Nyi Epon can jebu keneh. Nyeri beuheung sososnggeteun. indungna nu ngarep-ngarep.
Wanci janari leutik, ngadon nyileuk kabawakeun ratug jajantung, hate pating sareblak.
Gebeg, ngarenjag. Ka gebah kunu uluksalam ngetrokan panto. Bray, dibuka. Erte Uju.
Dituturkeun kunu ngagotong layon, dirurub ku kebat rereng. "Ma, sing sabar. geus nasib." Ceuk Erte Uju sakikituna.

SAPATU VERSUS GEHU

Kénging Ivieth Mutia 'Ughes' Tagin
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 20:37:28

Dear Diary
Deudeuh teuing, tadi ka emol hoyong Kicker's, acis na pesak mung 17.500 janten kirangna teh 382.500 deui.... Alhamdulillah geuning ahirna mah kapeser oge 3 setel....... kaos kaki nu 10 rebu tilu sareng gehu pedas marebueun.... hehe... tiasa keneh deuih uih naek angkot.. aya sesa yeuh maratus... hehe.. Untung teu ngagugu kahoyong meser permen kanggo tajil na angkot, kereteg eta si gope teh di peserkeun cai mineral gelas horeng teh nyaan we na angkot kabuhulan gehu lada

APA TEH ABAH UING

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 20:37:00

Sok sanajan geus lila euweuh dikieuna. Dedeg pangadegna masih kagambar. Apa, dina umur genep puluh taunan, masih belekesenteng .Pakulitan nambaga , leungeun sepiran. Bubuhan ti bubudak resep ngabenjang. Carang takol , tara ambek mun teu perlu. Saumur hirup kuring ngan sakali-kalina dibenduan, disabet ku beubeur kulit ,nepika ngiihan maneh , pedah rek katabrak superben basa keur ulin sasapedahan di jalan gede.
Apa , nu dina umur tujuh puluh taunan masih sempet ngajar ngacapi jeung nyuling. Mere conto nembang cianjuran. Manuk Hejo jeung Ceurik Oma , eta lagu kameumeutna.
Apa nu dina umur dalapan puluh taunan kungsi nitipkeun Kur,an.

NUNGGUAN SANGKAKALA

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 20:24:02

Bulan reup bray. Bentang reup bray. Hate reup bray. Kabeh cahya reup bray. Poek jeung caang.
Parandene kitu, parahu kudu terus lumaju nohonan tugas lalampahan, neangan muatan. Najan laut beuki motah. Lambak cacalangapan, saleglegeun neleg. Teu paduli. Sab laut aya reureuhna.
Dina lolongkrang caang, juru mudi ngamangpaatkeun kasempetan. Ngudag kasenang. Nyacapkeun birahi ka saban iblis. Sapatemon di emper darmaga. Nembongkeun karang dada, bari embar-embar pajar aing gudang emas.
Manjing poek rumahuh. Kaduhung tuturubun jero kalbu. Sorana handaruan meupeus eunteung nu ting gulantung dina kongkolak.
Angin terus ngabuntang-banting. Nyunyurung parahu ka kalerkeun. Palabuan panungtung. Tempat juru mudi ngarenghap, nungguan sangkakala.

POHO

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 20:11:32

Bari masang beungeut pikasieuneun, manéhna ngontrog rohangan bendahara. "Pa Ahmad meunang THR, Pa Sidik meunang, Bu Aisyah meunang. Naha aing teu meunang?" kituna téh bari ngagebrag méja Ibu Bendahara.
"Apanan Pa David mah kégingna sasih Desember...," témbal Ibu Bendahara bari menerkeun maskara.
"Aéh...heueuh, nya...!"

BUKA DI MITOHA (TEU JADI)

Kénging Subhan Munawar Bin Alwy
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 17:16:54

Panon Poe geus ampir surup. Jalanan beuki macet bae. Sora nu nadoman di tajug awor jeung sora kalakson. Bari ngajejek rem lalaunan, asrog maju deui deui saeutik, rarat-reret ka kenca ka katuhu. Biasana aya nu rajeun babagi kolek atawa korma haratis alakadarna ngaliwat jalan ieu wayah kieu teh. Beuh. Euweuh. Tukang Asong ge euweuh. Langit moekan. Sora adan kasilep ku sora mesin jeung kalakson. Jigana mah panon poe geus bener-bener surup. Brak muka laci dasbor. Alhamdulillah aya botol aqua. Lain cain aki. Yakin moal matak weureu lamun diinum. Gancang direguk saeutik asal ngabatalan. Kari bingung kumaha saolat magrib. Titadi rek nyisi teu diberean bae. Aya sajamna akhirna bisa ngaliwatan parapatan. Dius jejek deui gas satakerkebek, harepan bisa keneh ngariung papanggih jeung pujaan hate di imahna. nu sajajalan nga SMS jeung nga misscallan, teu dipalire. Lamun seug ti barang rek indit SMS dibuka, teu kudu jadi indit. Anjeun keur di alun-alun jalan-jalan jeung nu anyar. Ayeuna kagok era panggih jeung mitoha (teu jadi), ngadon solat magrib jeung menta dahar. "mangga sing raos, Den. Deudeuh teuing, si Eneng ti lohor keneh tacan uih. Saurna mah ngiringan buka bareng di Bandung" ceuk pambantuna. Ari mitoha (teu jadi) mah teu milu maturan, ti tadi ge hare-hare.

SANTRI AWEWE

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 16:02:25

Ngahajakeun ngaliwat k pasantren ajengan kahot. Aya santri awewe. Geulis. Matak helok. Lambeyna euceuy. Damisna katumbirian. Angkeutna endog sapotong. Pangambungna bangir meujeuhna ciwiteun.
Diteuteup ti kajauhan, angger geulis. Manehna siga nu nyampeurkeun hiji lalaki. Barang manehna ditoel ku eta lalaki, manehna noel deui.

ISUKAN URANG LEBARAN

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 15:20:37

Peuting keur meumeujeuhna jempling. Padumuk lembur sigana karék pareureum. Bada tarawéh tadi téh pan tuluy ngariung di tajug. Nungguan iber ti dayeuh, iraha bakal lebaran. Aya béja puasa ukur salapan likur poé. Ngan nu ditungguan teu waé jebul. “Geus geura baralik, puasa urang jangkepkeun ari euweuh béja mah” ceuk Olot Udi ka balaréa.
Wanci tengah peuting. Geleger. Tilu kali mariem ngageleger ti alun-alun kacamatan. Urang lembur pada ngoréjat. Ronda nitirkeun kohkol. Ditembalan ku sora dulag ti unggal tajug. Barudak nu sararé di tajug digeuingkeun. Aweuhan takbir, tahlil, jeung tahmid kareungeu ti unggal tajug.
“Isuk geuning lebaran téh, na béja téh atuh sok elat” Olot Udi nguniang. Ceg kana sosog, sair jeung ayakan. Kamari manéhna jangji rék nyampakkeun anak incu balik solat Iéd, ku goréng guramé jeung pais nilem.

RASA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 15:11:38

Asa cawerang duka kunaon ieu rasa, nyaan duka , duka teu terang.

SURAT KA JOMANTARA

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 15:03:20

Panas kacida. Taneuh bareulah. Kebul. Kulit harurik. Panen garagal. Solokan, balong, jeung walungan saraat. Sumur kudu nambah tali timba. Késang di mamana kalaluar. Hareudang.
Angin ngagelebug. Tiis. Sakapeung simpé. Sakapeung gandéng ku ambekan. Kabel-kabel listrik jeung telepon raranteng. Di hiji rohangan imah; hiji budak keur ngagutrut nulis bari ngobrol jeung angin.
“Cik angin, pang nepikeun ieu surat.” Cék budak. Angin laju mawa hiber eta surat, ngangkleung ka kulonkeun.

Kahatur Panon Poé
Di
Jomantara

Manawi anjeun teu kaabotan. Manawi tiasa sakedapan mah anjeun reureuh heula tong waka manasan lembur kuring. Hawatos pun bapa nuju ngomékeun kamalir cai ka sawah. Sakedap deui panén, kuring acan dahar.

Wassalam

Jatnika

AEB LEBARAN

Kénging Ha ES Munawar
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 14:51:03

Geus asa heubeul teu lebaran di lembur. Nya. Dua taun ayeuna teh. Dasar Randa Bengsrat. Harita kajadianna pas poe lebaran pisan. Basa batur sarerea muru lapang rek solat 'id der manehna ngajak nguliwed ka imahna. Nyakeudeung. Teuing setan nanahaon anu euntreup dina ieu pikiran teh. Ceuk rarasaan mah asa euweuh nu nganyahoankeun. Ari rusuh sendal teu milu dihanjatkeun ka jero mah nya pasti kanyahoan kunu rek ka lapang. Ceuli asa ngajelengeng keneh digampleng ku bapa. Ku masarakat diarak diera-era ngurilingan lembur. Bari ukur mamake salempak. Manehna teuing di mana ayeuna. Cenah mah mukim di Batam. Teu hayang nyusulna ge. Padahal acan, teu kungsi asup-asup acan. Sumpahna ge acan. Nepi kaayeuna cadu nincak deui lembur. Najis. Ngan hate mah keukeuh, sono hayang bisa panggih jeung ema. Naha aya keneh kitu? Duh ema, geningan kieu hirup ngalajur napsu teh. Ukur ema nu bumela. Ema nyaho. Ema yakin. Harita ukur ema di lembur nu percaya, beda jeung bapa. Teu apal kumaha carana nebus ieu dosa, ema.

PEUPEUJEUH NGEUNAAN JUJUR

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 11:55:42

Kusabab tara pati resep ruang riung ilu biung medal carita jeung ibu-ibu, kuring pangangguran nagog gigireun tukang dagang cocooan barudak.Bari nungguan si bungsu bubar sakola
Teu eureun tukang dagang cocoan ngaladangan barudak, babasaan tukang dagang, pangoloan kaditu sayang kadieu cantik, atuh sung song barudak teh, meuli cocooan, nu sarebu mah, nu dua rebu, samalah limaratus perak ge aya.
Di antara cocoan nu dijual, aya lotere gosok.
Srog budak awewe kira kelas 2 SD, ngagosok, meunang lima ratus, duit nu jang mayar teu jadi dibikeun, kitu jeung kitu we, mun nyamos nu limaratus bagean nu dagang
Pangangguran, budak awewe teh ditengetan, sabot bongoh nu dagang, aya kana opat kalina maling gosokan.Nyamos, teu bebeja, mun meunang menta dibayar katukang dagangna
Na hate kuring mikir, binih jujur teh hese nebarkeunnana
Kudu ku conto, kudu ku niat

SAMBEL

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 11:04:58

“Tah geus dengek deui si Dede teh, Bah. Pasti heureuy deui jeung lanceukna.” Ma Isah ngagerendeng. Bah Kandi teu nolih, geus teu kageteun deui ku kalakuan anakna nu mindeng teu akur jeung adi. “Emaa, tah si Aa ngaheureuyan wae.” Peutingna memeh sare Indungna pating harewos jeung bapana.
“Tah Aa, Dede ema boga sambel enak geura.” Tara-tara ti sasari indungna make jeung nawaran sambel. Biasana ge kajeun dahar karo uyah, kajeun dahar jeung nu ngeunah tara ieuh tuwar-tawar.
Sambel satengah cowet ampir beak dihekak ku duaan. Marengan eureuleuna teurab lanceukna ngoreleng ka kandang meri. Manehna ngagorowok,” Ma, naha si Deon teh teu ngendog, podolna ge teu aya deuih.” Indungna ngagerendeng ti dapur,”Pan tadi podolna mah beak kuduaan dina cowet ku maraneh.” Bah Kandi nu ngadeluk ngerok daun kawung seuri maur.

NU HAYANG DIUJI

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 10:32:36

JANG Ato preman gangas. Saawak-awak tatoan. Naon kahayangna kudu ditedunan. Mun dipungpang bakal jadi mamala. Paripolahna kitu kongas nepi kaluar lembur.

Di hiji pasantren aya wanoja geulis ramncunit. Solehah. Elmu luhung tur perceka. Bubuhan putra kiayi. Nincak sawawa, jul-jol nu datang. Putra kiayi pasantren anu, putra kuwu desa anu. Seja ngalamar. Taya nu ditarima. Alesanna mah, na tiasa ngajamin abdi langkung caket ka Gusti Alloh?

Hiji mangsa nyi santri ka pasar. Nalika ka los nu ngajual lauk, aya anak ucing. Kuru kacida. Leletak. Ku tukang dagang didupak. Dipalengpeng. Nepika rarampeolan. Ingkud-ingkudan. "Tah kitu sipating manusa teh! Ngan neuleu luarna. Nyaah mun manehna resep!" jorowok Jang Ato bari newak anak ucing. Tuluy ngadeukeutan tukang lauk. Gep nyokot lauk hiji. "Hak ucing ieu!" pokna bari mikeun lauk ka anak ucing. "Nu kieu picarogeeun abdi teh, Gusti," gerentes nyi santri. Tuluy nyampeurkeun Jang Ato.

INGET BAE

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 05:44:57

Unggal kaca dibukaan. Mulak-malik kamus tapi keukeuh hese kapanggihna. "Neangan naon atuh ari maneh?" nu gigireun panasaran. "Teundeun poho," bangun kesel. "Teangan tina kecap 'teundeun' atawa 'poho'!" nu mere kamandang. Teu dipalire. Tambah kukulutus. "Ari kamari maneh muka kamus, henteu?" "Kungsi tapi minggu tukang." "Kapanggih meureun, tutundaan teh?" "Kawas nu anyar diajar. Tina kecap 'tunda' neanganana." Bray kaca 541 dibuka. "Alhamdulillah. Kapanggih siah." Leungeunna ngageber-geber lambaran warna beureum, jeger keneh. Teundeun poho nu teu weleh diinget-inget.

HOREAM

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 05:39:05

Eta ge loba nu pada muji mah, pajar teh mani ngersakeun nyalira. Tapi dina poe ieu mah bet asa teu paruguh rarasaan. Nu jadi salaki biasana arang nyarita, tapi naha kiwari mah daek tumanya: "Manehna..!, kumaha ieu teh nu hiji haseum teuing angeun teh, nu itu rasana amis teuing, tah ari nu ieu pangsetna kabina-bina?!", cek salakina bari letahna ngelel nunjuk piring dina meja. "Atuda akang mah keur hoream kieu dititah masak, mangka keur bureuyeung deuih!", jawabna bari ngaleos.

PRAHARA LEBARAN

Kénging Ha ES Munawar
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 05:35:04

Ti ba'da adan subuh keneh masigit geus pinuh ku rupa-rupa jalma. Nu teu puasa jeung tara solat sapopoe ge milu euyeub ngaheurinan masjid. Bajuna alanyar, aya make kopeah, aya nu budugul, aya nu disarung anyar, aya nu cukup make calana panjang anyar, sarareungit. Keur takbirana mah masigit teh sepi. Ti ba'da isa nepi beres solat subuh ukur opatan. Nu duaan mah komo bebenyit keneh. Allohu akbar allohu akbar walillahilhamd, rame kur saur manuk tungtungna hungkul. Jam genep jero masigit beuki pasesedek. Moal bisa ruku sujud the saenyana. Buruan masigit ge ngadadak pinuh. Geus puguh terasna mah. Imam solat jeung hotib 'id bingung. Masigit beuki ngaguruh kunu takbiran. Jung nangtung bilal nu rek munggahkeun. Kudupruk deui nyuksruk. Kapiuhan. Tungtungna teu jadi solat 'id jeung hutbah. Kabeh pahibut. Imam ge lungleng lieur. Ceulina ngajelengeng katorekan. Untung saukur ngimpi.

CINTA TEH GEUNING SALIWAT

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 03:15:51

Hese reup. Guling gasahan. Inget wae. Puputon kembang kedaton kumalangkang nerus kalbu.
Hudang. Laju nyokot kertas surat, gambar runtuyan kembang, warna biru. Gutret nulis.
"beribu bintang di langit, hanya satu yang bercahaya. Empat kali empat enam belas. Sempat tidak sempat harus dibalas."
Sup kana amplop kayas. Gambar hate tembus panah. Digegel japati bodas. Meunang milih di toko buku, tempat para rumaja meuli keretas cinta. Amplop diselapkeun kana lambaran buku boga manehna. Isukan rek dibikeun.
Bari lalangkarakan di kamar, ngonci maneh, maca surat balesan. Duh, bagja kacida. Hate ngapung ngawang-ngawang tumpak katumbiri. Ngurilingan mega. Lebah layung, reg eureun. Diuk ucang-ucang. Nyawang biruna bumi.
Tepi ka jatukrami, parahu kahirupan satia jajap ka saban suka senang. Mipir wanci mapay mangsa. Jog anjog ka titis tulis. Anjeun imut panuntung, minggu kamari waktu hujan miripis. Peutingna surat balesan dibaca deui. Disambung ku maca surat Yassin tilu balikan.
Wilujeng jungjunan.

LODONG

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Agustus 2012 01:34:58

Para gegedén keur ngayakeun riungan. Diaping ku para badéga samakta. “Isuk mah urang ngayakeun TARLING, tarawéh nguliring, sakalian urang anjang sono kapilemburan” Pokna. Sadaya pada sapuk. Daria naker. Bring ngabring. Saragam. Sarung, kopéah jeung jubah ngadadak wareuteuh. Bangun saharitaeun. Barang asup ka hiji lembur. Beledag, beledag. Sora lodong matak katorékan. Atuh para gegedén, pating rarénjag. Asa ka ideuan. Isukna aya béwara. Yén gegedug gegedén. Di puseur dayeuh. Ba’da tarawéh, baris nyeungeut lodong raksasa, kalayan disiarkeun kana TV. Éta béwara sumebar. Sakabéh rahayat panasaran. Para gegedén tingkat buaya nepi ka gegedén tingkat cakcak. Ngarégrég bari suka bungah. “Hiji, dua, ti…l ”Geleger. Sorana handaruan, mapakan jagat. Seuneu pating barasat, haseup hideung ngelun ka jomantara. Masarakat anu nongton TV. Kabéh mareungpeukan ceuli bari peureum. Barang rét kana TV. Kasampak geus ancur mancawura. Haseup mulek, minuhan rohangan imah séwang-séwangan. Mabek bau. Pating arohék, ongkék. Sora lodong nongtoréng nepi ka kiwari.