Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Kalénder Fikmin • 02 Juli 2012 (51 Naskah)


PEUTING NU KINGKIN

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 23:03:55

Bohlam leutik di juru kamer kucap-kiceup. Razia! Teu maliré nu keur ngahégak, gura-giru Marni cengkat. Rap dibaju. Térékél kana jandéla. Gubrag, ngaragragkeun karep. Teu nolih kanyeri gancang lumpat semu dongko, miharep bulan mareuman caangna. Gok jeung Mia nu sarua rusuh muru panglumpatan: gorong-gorong pamiceunan cai! Duanana nahan napas dibunian ku poékna solokan. Teu kanyahoan, kerewek duanana padanéwak. Ajol-ajolan satékah polah ngaleupaskeun nu ngarejengan. Gampleng! Gampleng! Kana palipisan. Leng, leng. Golosor, Marni taya daya. “Adaaw… ngégél, siah!” Jedak, Mia diketig pundukna. Duanana digusur, dialungkeun kana mobil patrol. Bari nyusutan késang, Jang Ahdi malikkeun awak nu teu walakaya. “Euceu…!” sorana ngageter, halon. Gambar ramona ngelemeng na pipi lanceukna.

HANDAPEUN DAPURAN AWI

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 22:52:19

Dina handapeun dapuran Awi, dipasieup ku keresekna daun nu ngaluarkeun musik alam anu endah, waas dina mentrangna Panon poe.
Hiji waruga ngagoler bari dina dadana aya keneh balati leutik nancleb keuna kana mamaras Jantungna. Taneuh hndapeunana baseuh ku getih anu teu weleh merebey mili.
" EULIS,.. Akang hampura...."Sorna haroshos...Geus nepi kana tikoro.
Ti kajauhan hiji warug awewe keur ngagedig leumpang teu ngalieuk deui.

RAHASIAH RANDA ATUN (REVISI)

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 22:37:32

Di buruan hiji imah aya awèwè keur anteng ngoprèk pepelakan, dangdaunan nu lalayu di piceunan, tuluy dicèbor jeung dibère vita bloom. "Sok geura karembangan pepetètan," Nyi Atun ngomong sorangan. Keur anteng manehna kagareuwagkeun ku sora awewe ngagèrèwèk nanya manehna ," aceuk nuju naon mani rajin..."."Aeh Ita.... kamana wae....?", ceuk nyi Atun bari ngabelenyèh.
"Bèda yeuh si aceuk tos pependakan mah mani bèngras, cios nikah ka urang peuntas tèh ?",Nyi Ita nyilidik.
"Teu jadi ta...", walon Nyi Atun, bari panon jeung leungeuna mah anteng kana pepelakanwe.
"Leuh, kurang naon atuh si Mas teh, pan gagah, kasep, romantis, berpendidikan, gaduh damel..", Nyi Ita mani pertentang nataan .
"Teu aya nu kurang Nyi, ngan leuwih teuing ", ceuk Nyi Atun bari jèbi. Nyi Ita beuki panasaran," Naon nu leuwihna aceuk ?
""Pamajikanana geus opat!",ceuk nyi Atun semu keuheul.
Nyi Ita nyeuleukeuteuk, tuluy pamitan bari teu eureun gegeleneng,"dasar lalaki teu uyahan, geus opat na kurang kènèh!!".

BIDADARI

Kénging Denny Kurniadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 22:13:53

Koléang… gebutt...!!! tibeubeut na hiji tegalan. Nyengir. Nyabak cangkéng. Rungah ringeuh. Nyidik-nyidik sakuriling bungking. "Dimana ieu?" pok téh hémeng. Tegalan satungtung deuleu. Weléh teu nyaho.
Geleberrrr...tujuh bidadari ngalayang. Clé.. hareueun pisan. Neuteup seukeut. Imut ngagelenyu. Sérédétttt...awak nirisan. Kabita ku marahmayna. Kataji ku gareulisna. Ramona nu carentik, ngahiap ngajak hiber. Atoh nu aya. Geleberrr....milu didiukkeun dina korsi ukir nu éndah.
"Kuring aya dimana?" pok téh.
"Anjeun keur aya di sawarga. Mangga badé naon anu diteda. Asal nyarios tangtos ditedunan," walonna.
"Nya payus kitu kuring aya di sawarga?" cekéng.
"Berkah kasoléhan salira. Nyanggakeun ieu sawarga. Mugi tumaninah. Langgeng aya di alam ieu," témbalna.
Keukeuh teu percaya. Gedé rumasa kana lampah mangsa di dunya. Sidik jauh ka harti soléh.
"Nyaan kuring téh keur di sawarga?"
Hanjakal tujuh bidadari kaburu ngiles, hiber deui teuing kamana. Rarat rérét. Bisi nyamuni. Lapur. Kalah bréh Nini Uti keur mencétan tonggong kuring. Bari nembang daun pulus késér bojong.

NGECRIK

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 22:08:09

Geus lima welas taun rumah tangga can dikersakeun baé boga budak. Minang saraya ka Mang Ocim. Nu diajak nyarita seuri. Ngaharéwos. Manéhna unggeuk-unggeukan. Percaya. “Ja, cuang tepung di sisi walungan bé,” kitu omong Mang Ocim tadi beurang. Wanci sareureuh kolot, Oja ngoréjat. Pamajikanana nu rancunit tibra. Geus saged dangdan gejlig indit muru ka tempat anu geus dijangjikeun. Humiliwirna angin peuting noélan kulit nu ukur kabungkus ku kaos oblong, calana sontog, suku nyékér. “Mana ari Mang Ocim?” luak lieuk bari nyorot-nyorotkeun batré. “Lamun meunang lauk beureum pamajikan ilaing hartina baris kakandungan, der bé ti heula ngecrik teu kudu nungguan emang datang, bisi telat!” kitu amanatna tadi beurang. “Ah, sugan bé atuh,” laju ngecrik. Nyaan laukna loba. “Jih, teu lauk beureum wungkul geuning,” sup kana korang. Gedig balik. Kadéngé pamajikanana di kamar kawas keur sosonoan. Hanjakal poék. “Aya saha?” rék noong téh teu laju, ras inget kana caritaan Mang Ocim. Ulah geruh!

PILEULEUYAN

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:51:47

Langit lenglang taya aling-aling. Bulan nu mabra ngahariring humegar, ngempray. Bentang baranang ting karetip ngiceupan bulan ngaronyok sakuriling na.
Dua nonoman keur nyeuseup endahna bulan. Anteng, ngadu teuteup panganteur geugeut. Nyacapkeun kasono na lawang panto. "Engkang, abdi mah cangcaya, inggis sulaya tina cita-cita." Sora haroshos bari teu weleh lelendean. "Teu kenging salempang, panutan. Moal aya nu tiasa misahkeun kadudeuh urang, kajaba pati." nu ngawalon halon, bari nyampaykeun leungeun kana tak-takna. Kep, silih tangkeup pageuh pisan.
Si welang, nu keur nyerangkeun bari ngadodoho, jamotrot. Ninggali nu silih galentoran. Teu antaparah, logodor ngadeukeutan. Kep, beurit nu bikang disamualkeun. Gajleng,! beurit jaluna nyalametkeun diri, ngacir kanu bala ninggalkeun buah hate nu geus jadi pangeusi oray welang.

BEGADANG 2

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:39:02

Ajengan Toha istigfar terus cengkat, turun tina ranjang. "Ka mana, Kang?" Éha, pamajikanana, nanya bari nyimbutan harigu. "Sakedap, Mah," ceuk nu keur dibaju. Ajengan Toha terus kaluar, nyampeurkeun barudak pamuda nu keur hihitaran bari ceuceuleuweungan di gang. "Tengah peuting ieu tèh, waktuna sararè!" pokna. Nu ngadangdut areureun. "Puguh teu tunduh waè, Mang Ajengan. Hayang sarè tèh teu bisa, dipeureum-peureum gè kalah nyileuk, nya euy?" ceuk nu jocong bari ngarèrèt ka baturna. "Matak naon teu tunduh mah atuh eusian ku ibadah, ngaraji kur'an anggur mah, lain ngagandèngan batur," ceuk Ajengan Toha. "Lah nyèta, ari ngaji téh, komo wayah kieu, sok kalah ngalenggut, Mang. Moal husu ngaji bari heuay waè mah," nu jocong nyarita deui. Ajengan Toha ngarahuh, ngulangkeun leungeun, terus asup deui ka imahna. Golèdag deui na ranjang. Ti gang kadèngé nu ngalagu Begadang, sorana beuki ngèngkrèng.

SAM

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:28:59

Sam , atletis , harelung jangkung , pinter ,berehan jeung someah . Ngan hampura kuring kapaksa mugagkeun asih anjeun. Sabab kuring moal ihlas mun kudu minantuan ka nu beda ageman.

MALEM MINGGU

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:15:07

Néng Ratih élékésékéng di tepas. Nganti nu rék ngapélan. Rut-rét. Ka jalan. Kana kembang nu karék meunang nyusun dina pasna. “Tah, ka Cép Soni mah panuju, Nénéng..!” kitu ceuk bapana nu biasana galak. Iwal ninina nu keukeuh teu doa téh. Duka kunaon. 20.00. Pas. Néng Ratih umat-imut. Ngambung kembang. Tatanggahan kana lalangit. Cakcak rapang. Disarada. Bangun nu milu balegér. Kapireng sora mobil eureun di buruan. Sora bél. Néng Ratih giak. Muka panto. Cép Soni nyéréngéh di lawang. Persis wé Brad Pitt. Néng Ratih rampang-reumpeung. “Mangga ling…” ukur sakitu-kituna. Da imbitna ujug-ujug disada. Beuneur pisan. Teu kakémot. “Aduuh..!” beuki geumpeur. Beuki brat-brét-brot. Peledek. Tepas ngelun. Halimunan. Semu héjo. Kembang dumadak tingkulahék. Gararing. Cakcak murukpluk. Néng Ratih méh ngarumpuyuk. Tapi imbitna terus disada. Na atuh, Cép Soni bet robah wujud: huluna nyucunguk, awakna ngabayawak. Ngajol. Kabur tina jandéla. “Nya, cekéng gé? Untung hidep boga ajian ti Aki…” ceuk ninina nu ngelol ti patengahan.

JU’UH CIMATA NA AGENDA

Kénging Neneng Sitanggang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:14:56

Salambar-salambar agenda nu geus mang taun-taun teu diguar mimiti diguar deui. Tiap lambar diimeutan, curuk nuturkeun tiap kecap nu ku anjeun kungsi dipedar, tiap lambar nyaritakeun geugeut, asih, sono, jeung kamelang anjeun. Unggal menit, poe, minggu, bulan jeung taun éstuning disimbehan asih nu beuki lila beuki ligar, sono jeung kamelang nu taya kendatna, kabéh ébréh na buku harian.

Di tengah agénda, écés kalimah nu ditulis maké hurup kapital kalayan dipulas stabilo héjo. Cimata mimiti ju’uh murubut kana buku agenda “Din, aku mohon jawab saja dulu, maukah kamu menikah denganku, mendampingi hingga akhir hidupku? Mengurus aku dengan iklas?’. Biwir rapet ngonci, nu bedah ukur cimata, cimata bagja, cimata nu ngaguratkeun impian nu pangéndahna pikeun kabéh kaum hawa.

Rét kana cingcin nu meulit na jari manis. Cingcin nu hayang diudar, tapi moal bisa diudar.

Cimata beuki murubut masehan agénda. Agenda nu ngalalakonkeun endahna cinta kuring jeung manéhna.

AJAL

Kénging Kang Tito Wìcarda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:14:51

Kuring ajal tea ngadatangan saban waktu ka tiap2 jirim,teu kolot teu budak,teu cacah teu menak anggursing iatna tur taki2. Ngadodoho nu keur sono bogoh,ngintip nu rikrik gemi jeung nu kikir melid medit. Kuring ajal tea di utus mutus silaturahmi jeung megatkeun duriat,poma ulah hare2 tur mopohokeun yen kuring bakal datang saban wayah. Hey jirim nu kasamper dina antrian malakal maut bageakeun kuring datang.....!!

AJAL

Kénging Kang Tito Wìcarda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 21:12:27

Kuring ajal tea ngadatangan saban waktu ka tiap2 jirim,teu kolot teu budak,teu cacah teu menak anggursing iatna tur taki2. Ngadodoho nu keur sono bogoh,ngintip nu rikrik gemi jeung nu kikir melid medit. Kuring ajal tea di utus mutus silaturahmi jeung megatkeun duriat,poma ulah hare2 tur mopohokeun yen kuring bakal datang saban wayah. Hey jirim nu kasamper dina antrian malakal maut bageakeun kuring datang.....!!

DAHAR PEUTING (GORÉNG HAYAM)

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 20:40:17

“Kuring nulis alatan hirup pikaijideun,” ceuk manéhna. Baheula, mangtaun-taun ka tukang.
Ayeuna manéhna geus tunggang gunung. Tapi masih teu eureun kukulutus. Murukusunu di béh juru, bari mangpéng-mangpéngkeun huruf nu teu kapaké. Di hareupeunnana ngaderak dahareun. Sangu haneut jeung rupaning pasakan tina hayam. Aya goréng hayam, pais hayam, jeung angeun kacang nu direumbeuyan ku cékér jeung hulu hayam. “Baheula mah hésé sakalina hayang dahar jeung hayam téh,” ceuk manéhna, satengah ngagarendeng, ka incuna. “Ayeuna, isuk-isuk sasarap ku bubur ayam, beurang dahar jeung opor hayam, peutingna ngadekul kana goréng hayam jeung paisna,” ceuk manéhna deui. Incuna anteng ngoprék remote televisi. Néangan film kartun.
Peuting geus beuki poék. Hordéng can ditutup-tutupkeun. Malah jandéla kamarna gé masih ngemplong. Angin ngagelebug nembragan tembog. Manéhna masih keukeuh ngagerendeng, bari mencrong dahareun nu ngaderak dina méja, geus tiis ti tatadi kénéh – can ditoél saeutik-eutik acan.Ukur incuna nu nyegrék dina korsi, ngeupeul remote di hareupeun televisi nu ngagerung.

BUNGKUSAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 20:13:52

Haseup roko mulek. Botol pasolѐngkrah, dijuru kamar. Hѐok . Cakcak dina tѐmbok, lalumpatan, pating arohѐk,mabok teu kuateun ambeuna. Aya nu murag kapaѐhan. Nu papuket,ngalemprѐh. “Jon, nuhun nya..,,” Marni, ngasongkeun duit sagepok. “Makasih Tanteu..,”Joni Oon nyium duit, nyengir, jiga domba ngasin. “Awas, ulah nepi ka teu hasil.., !” Pokna, rada teugeug. Brѐh, kaimpleng, salakina bulucun, pada ngarewѐg ku awѐwѐ, anu burahay ku gincu. Joni nyѐrѐngeh. “Sip.., pokona bѐrѐs,” Kencling indit, gurilap, balati diasupkeun kana jeroeun jѐkѐtna. Isukna. Handapeun panto aya bungkusan. Dibuka. Gebeg. “Joni, sia nipu..!! ! “ Bungkusan ditajong. Gѐhu, Comro, pating gulutuk.

WAKTU

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 19:59:18

Ti waktu ka waktu,ti poe ka poe.ti bulan ka bulan, ti taun ka taun asa nerelek pisan teu karasa jol beurang jol peuting, jol caang jol poek. Barudak teuing kamarana,incu dua ge teu betaheun. Hirup duaan galatak gulitik. Tampolana kuring nagtung atawa diuk panon neuteup teuing naon anu diteuteup,teuing naon anu ditempo.
Aya kasono nu teu kacumponan, aya kanyaah nu teu ka tepikeun. Kahayang mah kabeh bisa kakeukeupan ku kaasih nu karasa haneut tiisna.
Like · · Unfollow post · A few seconds ago

MAJAR

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 19:59:02

Majar, bakal ngahenang-ngahening jadi nu ngora téh. Pruk geus panggih jeung majuna, da itikurihna mah jeung nu kolot. Aya kahayang, kari daék méntana, mo burung dilaksanakeun. Ayeuna kuring deuk nanya. Naha naon pibasaeunana, lamun kacinta nu aya ukur tamba teuing teu kasebut nyiksa? Ditéang, ukur tamba keur hanaang. Disungsi, ukur tamba simbut tiris. Ditanya, tamba teu éra teuing nyarita.
“Cag, urang semet dieu baé. Kanyaah nu aya ukur ampar katugenah. Bongan bet kaniaya. Udar tina subaya. Na iraha bakal nunda rasa deleka?”

NU HAYANG TOBAT

Kénging Cep Simi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 19:52:59

Wanci ngagayuh ka subuh. Bulan purnama mabra nyaangan sakuliah dunya. Lebah pasawahan nu aya di hiji lembur, saurang pamuda ngabebengkang sisi solokan. Gigireunana balatak botol arak. Manehna teh sagala beuki. Mabok, judi, jinah. Ngan hiji kaalusanana. Resep tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
"Geura hudang, Jalu! Geus waktuna hidep tobat." sora nu kadenge kana ceulina. Lalaunan manehna ngulisik, nyah beunta. Breh hareupeuna aya aki-aki cetuk huis make pakean sarwa bodas, imut leleb matak tengtrem nu ningali.
"Naha abdi tiasa keneh tobat kitu, Aki? Apanan abdi teh lamokot ku dosa?" tanyana sanggeus mikir rada lila.
"Ih, ulah salempang. Najan dosa urang salega budah sagara, pangampura Gusti leuwih lega deui." walon eta aki-aki, les jirimna leungit bareng jeung ngongna adan ti kajauhan. Manehna bati hookeun. Kuniang cengkat, laju muru masigit. Leumpangna rumanggieung, sakapeung rarampeolan. Solontod, jedak! Neunggar tangkal kai. Bru labuh. Kerejet... Cekleuk! Nyawana dicabut ku malaikat.

JONTROT

Kénging Awan Iwong Ruswana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 19:31:04

Pangawakan jangkung gede. Dedeg sampeg. Parigel tur calakan. Sanajan umurna papantaran kuring. Cep Darma budak panghidengna. Dumeh Manehna nu ngajarkeun ngadu kaleci, pecle, babancakan, jeung sajabana. Ka kuring tur babaturan nu lianna. Di sakala pang pinunjulna. Di pasantren pangcapetangna. Sumawona di pangulinan cep Darma pang unggulna. Dalah kitu ari cunihin ka budak awewe mah eleh ku kuring.

Hiji mangsa. Di wewengkon kawadanaan ngayakeun pertandingan mengbal antar sakola SD. Kasawelasan kuring teu walakaya,di ulin caikeun ku lawan. 3 kali keok batandang.
''Cacak mun cep Darma teu pindah sakola ka kota, moal nepi ka wirang siga kieu SD urang euy !!'' Atep kukulutus , di haminan ku sarerea nu lempang ting lalenghoy lir anak hayam di tinggalkeun ku indungna.*

BEUREUM PANON

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 19:24:31

Geus biasa, lamun kuring ditinggalkeun ku Bapa jeung Ema ka Bandung, kuring katempuhan ngurus adi-adi. Nu pang lieurna ngan hiji nyaeta dahar, sabab kuring ngan ukur ditinggalan beas sablek. Deungeuna saaya-aya dikebon jeung diempang.
Hiji waktu, Kuring nguseup disusukan, hareupeun imah neangan keur deungeun sangu. Padahal pamohalan bakal meunang, sabab caina oge herang jeung deet deuih. Beunteur wae can puguh nyanggut.
Geus lila mapay-mapay susukan keukeuh teu beubeunangan. Bakat ku aral Kuring ngagereyem
“ Cing Eyang Abdi nyungkeun lauk..”
Lung bae Useup dialungkeun ka hadapeun sasak. Teu lila kurunyud kenur aya nu narik, ku kuring dikenyedkeun, giriwil ‘Beureum panon‘, tuluy ditiir make Eurih. Clom deui, giriwil deui.kitu jeung kitu, nepi ka saember pinuh. Rob bae jelema ngarogrog nempo kuring nguseup .
“ Aneh aya lauk kitu disusukan, jeung bisa diuseup. Padahal pan lauk kitu mah tara daekeun nyanggut ” kadenge aya nungagerendeng tukangeun kuring

ELEGI DEWI SHINTA 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 19:04:44

Lebah amarah dewa agni, Shinta nyeungceurikan nasib diri. Sumambat sumegruk marengan atina nu pinuh geuri, alatan aya tega teu beda supata ti nu jadi salaki luas nolas marabkeun prameswari ka dewa agni, pikeun tumbal cinta sajati nu pinuh birahi

NU MALURUH

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 18:22:19

Dina mumunggang karingrang, manehna ngaheruk. Geus loba tempat nu didatangan, geus loba jalma nu dipentaan tulung, taya nu bisa meruhkeun kakeueung hatena. Pangkat luhurna, jabatan agungna, rajakayana, teu bisa dipake angkeuhan. Ret ka kulon, kolenyay aya cahya sanapas. Sumangetna ngagedur deui, mawa lengkah manehna ngulon, malibir mapay pasir, ngojayan sagara, terus lumaku muru cahya sakolenyayan. Manehna terus lempang ngaliwatan peuting, mentasan beurang, “ Saha atuh nu bisa mere katengtreman hate teh? Naha cahya nu ngolenyay dina reretan?”, gerentes hatena, teu reureuh tumanya.

SABOT NGANTRI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 17:35:57

Keur antri mayar kiriditan motor, diuk téh gigireun bapa-bapa nu perlénté. Ranté dompétna nu ngagayot tangka gugurilapan. Ngajak ngobrol, lain ka kuring, ka nu gigireun béh dituna.
“Teu hayang sabenerna mah unjak-anjuk kieu téh, Jang. Lain teu bisa meuli kés. Kabita ku batur ieu mah, hayang ngajaran. Itung-itung meuli céndol bahé wé lima ratus rébu sabulan mah,” pokna bari ngagicel hapé qwerty-na. Selang-selang ngawalon SMS. Nu diajak ngobrol tibang nyéréngéh. “Jeung deuih ripuh kana mobil téh ayeuna mah, heurin usik di jalanna gé. Ngajugrug wé di imah sadua-dua.”
Teu lila, sora Kasir nyebutkeun nomer antrianana.
“Dendana lima puluh rébu, Pa. Badé dibayar sakantenan?” tanya Kasir.

ELEGI DEWI SHINTA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 17:16:14

Lebah kanyeri kapeurih nu karerab seuneu ngabebela, Sinta teu rumasa boga talajak nu matak dosa, teu singna ngahianat cintana ka Sri Rama. Nya dina panasna agni, aya doa sesa birahi nu pinuh kanyeri, alatan nu jadi salaki kakoncara lalaki leutik burih

MUN AYA BAPA

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 17:12:40

Gasik nganggeuskeun pagawéan, najan kudu tihothat. Teu maliré kacapé, luut léét késang bari nahan beuteung eusianeun. Can anggeus pagawéan, can meunang barangdahar. Kalan-kalan ukur manggih réméh nu nyésa na boboko. Ngan bati seubeuh ku sentak senghor jeung paréntah, kudu kitu kudu kieu. Pok torolong. Hal anu geus biasa deui keur manéhna. Ayeuna waktuna bapa mulang ti dayeuh, gagancangan pagawéan dibéréskeun. Laju mandi, beberesih, disalin ku baju nu alus. Kasawang bisa nyalsé sosonoan jeung bapa. Najan ngan dua poé bapa aya di imah, cukup keur manéhna bisa ngarasakeun kabagjaan. Ngumpul jeung bapa. Nampa kanyaah jeung asihna. Manggih dahar seubeuh. Teu pati capé gawé. Ojég nyemprung mawa bapa ka dayeuhkeun. Sora motor masih ngagaur ti jauhna. Can nepi ka tungtung jalan. Sentak senghor jeung paréntah geus dimimitian deui.

DIGRABET NYAI

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 17:11:39

Na Kang beuki kolot teh beuki balangah. Ti poe ka poe ditengetan ku abdi ngan mesbuk be padamelan teh, dugi ka lur jeun salat sagala rupa. Yeuh, euweuh hartina deuih bisa nyieun fiksimini alus oge lamun tara salat mah. Cik Kang sing sadar, kumaha lamun keur nyieun fiksimini dicabut nyawa? Heuleung lamun keur dina ka ayaan inget ka Allah SWT. Ieu palebah keur cawokah?. (Kuring ngarenjag basa Nyai ngomong kitu? Aya benerna, teu salah. Beu, kunaon atu aing teh bet kieu?) Di buruan sore geus narik kolot. Poe ieu uing teu wani muka laptop, teu wani nyieun fiksimini, komo ngomentaran fikmin meunang si mencrang mah! (2012)

SIRARU

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 16:59:54

Lalangse peuting meber nyesakeun poek mongkleng, neureuy kaendahan alam beurang nu bear marahmay.
Sakolepatan, kahirupan poe ieu baris lekasan, caritana geusan baganti lambaran. Muter, dina sikleus nu teu eureun-eureun. Mangsana halabhab nyiar cahaya pikeun nyaangan rasa nu ngayap neangan pamuntangan. Palebah damar nu kakalicesan, napuk kairut ku haneut hareuyheuy sanajan ukur sakolepatan. Mungguh waktu ngan ukur itungan detik ka menit diteruskeun itungan jam. Sakedapan medar panggung kahirupan, ngapak jangjang nu maruragan, totonden hirup nu kawatesanan.
Isukan, mangsa hujan ngaririncik maseuhan, tanwande pating pelentung suung bulan anu ngama'naan gelarna kahirupan anyar.

ABONG BUDAK

Kénging Ucu Susandrawati
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 16:45:58

Naha beda ti sasari budak teh paromana bet marahmay bari jeung arangah erengeh seuri sorangan siga nu meunang pikabungaheun. Da biasana mah mun balik ti sakola teh ngan manyun we bari murukusunu atuh sakapeung mah sok rawah riwih ceurik cenah mah sok diparoyokan wae ku babaturanana pedah can bisa maca. Sakedapan mah kuring ngan olohok we bati nalangsa ningali budak geus sakola tur sakitu kasepna ceples pisan ka bapana, sok sanajan bapana mah geus incah balilahan da bongan midua hate jeung batur sapagaweanana. Basa kuring keur ngalamun teu kanyahoan budak teh ngarontok bari ngagalentoran nyiuman pipi terus ajrag - ajragan bari pokna teh " Horeee.....horeeee...uing boga mamah dua....tadi pendak di sakola jeung si bapa". Ngadangu budak kitu teh ngan nyel we kuring .........saminggu ti harita kuring geus aya di rumah sakit jiwa.

WARIRANG

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 16:30:31

Aya nu aneh kaambena dina tuntung irung kuring.Pada huring teu kungsi ngajugjug pamandian Cai di Ciawi atawa Garut. Bau walirang ,teu weleh montel na tungtung.Angin anu balik nyaba di Eropa, nyimpang ka buruan,ngabejakeun yen bau walirang teh datangna ti Italy. Nujadi lantaran kasebesalan Italy dirujak ku Spanyol nepi 4 nol. Antukna warga nagara Italy warirang,bau nepi nagara urang.

TILU BARIS

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 15:44:52

lantaran lalajo final Spanyol-Itali nepi ka tamatna
wayahna Akang kudu ngajaga abdi pami nuju tibra
mun geus hudang hayu urang ngumbar birahi

SYARAT MULANG

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 15:43:32

Kang katampi pisan ieu oleh - oleh anu sakieu seueurna, kantenan eta nu dicepukan mah katampi lahir bathin, hatur nuhun, ku abdi langsung dianggo yeuh , ihhhh akang terang pisan kana selera abdi, muachhhhh, muachhhhh......, mung hapunten moal waka ngiring wangsul upami nu dikurudung bodas teu acan diuihkeun mah, leos Neng Mey ngajengkat lebet ka kamarna, blug panto dijablogkeun.

DUA BARIS

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 15:38:31

Tos dipupus nami salira nu pinuh ku tanda tanya lebah dada
ti wangkid salira resep nyarios ngaler ngidul nu pinuh ku wadul

SURTI

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 15:13:06

Méh tengah peuting karék nepi ka imah. Barang muka panto gé indung Si Cikal langsung cengkat. Ngeukeuweuk kénéh rémote, tayohna ngadadagoan bari nongton tipi. “Wengi geuning?” Mapag bari neuteup. Pinuh ku kamelang.
“Mampir heula,” cekéng téh. Surti ku sakitu gé. Tara papanjangan. Bus wé ka kamar. Salin ku piyama nu geus disayagikeun na kasur.
“Tuang heula atuh Pa. Aya pais lauk mung tos tariis,” cenah, teu weléh méré imut. “Moal ah, wareg kénéh. Nembé pisan di ditu,” cekéng. Geus surti, tara ieuh papanjangan.
Golédag wé. Sepré karék meunang ngaganti. Kamar raresik rarapih, mani sarareungit. Manéhna langsung ngagolér gigireun. Ngusapan tonggong, sakapeung semu dirancétkeun. Keup nangkeup. Pageuh, kawas sasari. Haroshos. “Paaa...”
“Moal ah, atos. Nembé pisan di ditu,” cekéng téh. Surti naker. Jelegér. Manjang maratkeun peuting.*

CEURIK

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 15:02:42

Wanci can nepi kana waktuna carangcang tihang.Ceuli kuring loba kaanjangan jelema nu ceurik nu ditungtungan ambek jeung nyebut kaduhung.Barang bray beurang.Panon poe mere beja yen,nu ceurik teh jalma-jalma nu eleh ngadu lantran nyekel Italy.

NUTUR-NUTUR INDUNG SUKU (1)

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 12:50:15

Sapoe jedur nutur-nutur indung suku asruk-asrukan, karasa rincug, awak lungsé. Anjog ka lahan wakap pajaratan nu rentul ku tutunggul. Handapeun tangkal samboja aya kuburan nu dirariung ku sasatoan. Kabéh daria jiga nu ngadaréngékeun sora nu kaluar tina jero kuburan. Nu ngariung ujug-ujug sedih caleurik. Comrék. Ngadadak arambek baruringas. Jemping sajongjongan. Sakapeung nyakakak saleuseurian.
“Aya naon ngarariung di ieu kuburan?”. “Aya sora nu keur macakeun karangan-karangan.” Cék hayam jago. “Tokoh dina carponna nu bieu dibacakeun, pikagetireun”. Cék ucing bikang rambisak. “Tah mun sajak-sajakna, ngahudangkeun amarah pikeun kuring nu ngadaréngékeun”. Cék ucing nu pangkolotna. “Fikmin-fikminna mah pikalalucueun, héhéhhh….” Anak hayam réang.
Naha bener kitu? Hanjakal teu bisa ngadéngé sora nu maca karangan dina jero kuburan. Deuh, teu ditulis deuih dina padungna, saha ngaranna, iraha lahirna, jeung iraha maotna?. Saha nya?.
Sabot kitu, suku maksa indit ngaléngkah deui nutur-nuturkeun indungna.***

KAPITAPAK DINA TROTOAR

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 12:21:28

Halodo asa can lila taneuh bareulah miheulaan mangsa, sawarèh ngalebu ngebul katiup angin nyangsang, nyayang di jero dada ngajadi rereged hamo beresih ngan ukur disimbeuh.
Angin nambahan peurih gudawang hatè beuki mucicid, tiris biwir ngageter nahan tunggara nu hideung teu bosen ngenyotan bako.
"Awèwè..!"
Ceuk bulan.
"Lalaki..!"
Tèmpas bèntang.
Malencrong semu pogot ngintip nu makè rok mini.
"Duh Gusti abdi kedah kumaha?"
Boa enya Naraka mapag tianggalna.

NYUGUH

Kénging Cep Simi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 11:45:04

Ceuk kolot mah lamun manehna datang, kudu disuguh tandaning ngabageakeun. Mun aya mah roko keretek, endog hayam kampung, jeung menyan. Ari uing harita can nyaho. Sugan teh ku naon bae. Nu penting sarua roko, sarua endog.
"Haummmm...." sora manehna handaruan matak ngageter kana jajantung. Buru-buru uing nyokot endog tina kulkas, roko garpit, jeung menyan paranti udud si Aki. Diwadahan kana daun laja dipincukkeun. Bari tuur roroncodan, susuguh diasongkeun ka nu ngadangong di luar imah. Manehna ukur ngareret, terus susuguh dicakaran nepikeun ka teu mangrupa.
"Haummm... Embung, teu beuki! Ngaing mah hayang atahna!" ceuk manehna ngirung. Halah, geuningan jurig oge sarua beuki duit.

RUSIAH NU HAMO NGABUKTI

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 11:43:57

Manehna teu ngadéngé sora nanaon. Mimiti beunta, melong lalangit kamar, teu wawuh. Kapireng aya sora, sora anu pohara dipikawanoh. Awéwé dina pangimpian, enya kitu? Manéhna eling, keur nyanghareupan pilihan. Peuting geus pohara petengna. Aya imut kareueut.Teuteupna ngawurkeun cahya sumirat. Sorot panon anu ngahaneutan birahi. Sorot panon nalikung lelembutan. Panon awewe anu muranteng pageuh nyekel hatena. Kiwari dedeganana janggelek aya dididieu, nyingraykeun lalangse impian.“ Anjeun tangtu ngaharepkeun Dayang Sumbi aya di gigireun nya ? “ Ustadz Holil ngaharewos. Rusiah hate manehna kabade. “Henteu ayeuna mah.” Tembalna. Sorot panon awéwé dina lalangit lir aura talaga. Awak manehna kuleuheu, geus lungse.hayang ngagejebur dina telagana. Dina hate manehna aya rusiah ngeunaan lukisan. Lukisan Dayang Sumbi. Lukisan éta pisan anu nyumputkeun mongkleng. Lalakon anu hamo aya dina kanyataan. Manéhna néangan beungeut sorangan di sawatara lukisan anu humaregung. Tetela, kudu mesek beungeut sorangan lamun hayang reureujeungan jeung Dayang Sumbi, ditapelkeun kana lukisan.

EUPAN LAUK

Kénging Cep Simi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 11:26:03

Asa geus lila teu nguseup di wahangan. Kamari mah ngahaja indit ka Cimanuk, sorangan. Ariteun poho eupan nang nyieun teu kabawa. Ngala cacing teu manggih. Hese cacing teh usum halodo mah. Ah, ku bala-bala oge hade. Kurah-koreh kana bekel. Aya tilu siki. Belewer, clom! Useup dialungkeun ka tengah. Gog cingogo bari udud. Sabot nungguan leukeun muka pesbuk. Keur kitu, nyud, useup aya nu nyanggut. Barang dikenyang, leupas deui. Kitu jeung kitu sababaraha kali. Eupan ampir beak, tapi nguseup can beubeunangan. Dina cai lauk moyeg. Bogo pating kocepat. Lika pating gudibeg. Jaul teh kancra sagede orok luncat bari pok nyarita, "Hayang jeung leupeutna, euy!" cenah, terus ngiceupan semu nu ngalelewe.

NYAAN

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 10:36:43

Nu lain dienya-enya, nu enya dilain-lain. Teuing lain, duka enya. Da enyana mah lain. Enya lain-lain, da lain enya-enya.
“Sugan téh enya,” ceukna basa paamprok. Atoh.
“Padahal mah enya, hayang nyaho,” cenah kana inbox. Beuki atoh.
“Enya henteu, da mun enya mah moal henteu…” ceuk nu ngomen. Leuwih atoh.
“Enya nyaan. Uingah enya-enya,” cekéng ka uing. Ngagerentes.
Nganggap lain, ngaréken enya, jeunteuing. Nyaan. Da maranéhna duanana mah apilain. Teu ieuh mikmin.*

NGAPALKEUN JAM SUNDA

Kénging Ajat Aki
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 10:13:14

Jam 00 = tengah peuting
Jam 01 = Tumorek
Jam 02 = Janari leutik
Jam 03 = Kongkorongok Hayam
Jam 04 = Janari Gede
Jam 05 = Balebat
Jam 06 = Carangcang Tihang
Jam 07 = Meletek panon poe
Jam 08 = Ngaluluh Taneuh
Jam 09 = Haneut Moyan
jam 10 = Rumangsang
jam 11 = Pecat Sawed
jam 12 = Tangage
jam 13 = Lingsir
jam 14 = Kalangkang satangtung
jam 15 = Mengok
Jam 16 = Tunggang gunung
jam 17 = Sariak layung
jam 18 = Sareupna
jam 19 = Harieum beungeut
jam 20 = Sareureuh Budak
jam 21 = Tumoke
jam 22 = Sareureuh Kolot
jam 23 = Indung Peuting

NGUDAG-NGUDAG ANGIN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 09:11:43

Ti poe ka poe, diri teu weleh ngudag-ngudag angin, sasalingkeran tina panasna panonpoe, hanjakal, can ge kahontal udagan, raga kapangpengkeun ka lebah jungkrang kalara

POTRÉT ISUK-ISUK 6

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 09:02:38

Hawa tiris nyulusup jeroeun kulit. Mangsa maju ka usum halodo. Matak suda nyabak cai. Haroréam barang gawé. Kumbaheun diantep ngahunyud, seuseuheun nambru, tengah imah pabalatak. Ngagojod deui diharudum simbut. Ngadago-dago matapoé meleték. Nyelang heula nguniang, naheur cai. Cul. Bus deui jeroeun simbut. Nangkeup guguling. Tuna batur sakasur tangkeupaneun. Misah kasur ti janari mula. Ukur keur ngabélaan nu makalangan di pinal.

BASISIR KATRESNA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 08:35:02

Neuteup baranangna bentang lebah biwir bulan teu weleh kokojayan lebah monklengna sagara umpal-umpalan, bet ngadadak hayang ngawelah parahu muru basisir pinuh pateuteup geugeut nu ngagupay-gupay rasa, malahmandar kabiruyungan nyangreudkeun tineung dina pabeulitna pikir pikeun nyimpaykeun raga katresna ka manehna

CAI ASIH

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 08:13:19

Sabot kuring leumpang panon anteng neuteup nyawang jalan nu rek disorang. Lengkah hideng eureun na tanjakan nu tarahal gek diuk regot nginum asa ku nikmat.
Beuki lila jalan sorangeun angger panjang asa teu rongret-rongret. Gunung Gede asa beuki geulis ditungtung teuteupan panon, tapi naha bangun nguyung, alum pisan.
" Baeu geulis burukeun lengkahna, hiap geura " aya sora ngaharewos, kuring luak lieuk keueung.
" Tong keueung geulis buru itu piubareun kanyaah ti nu welas asih geus disampakeun"
Kuring angger ngalengkah, tapi naha ngan sakolepat geus tepi katutugan gunung Gede, kuring aya nu ngarawu bari diceungceurikan. Kuring nyiwit leungeun satarikna nyeri, lain lain ngimpi. Kuring angger na keukeupan nu pageuh ku kanyaah.
" Geulis tah geura inum ieu cai hanaang nu pinuh ku welas asih, bral geura udag cinta asih nu bakal nganteng salalawasna "

KATUNDUNG INDUNG KATULAH BAPA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 06:07:51

1453, iket jeung kujang anu geus nyaba ti jaman ka jaman marengan manéhna dina hiji kaayaan anu matak ngahémengkeun. Rék kumaha teu pihélokeun, parahu anu sakitu gedéna meuntas Galata. Genep puluh parahu. Dina waktu sapoé sapeuting. Ngangkleung lain dina cai, tapi dina jalan anu diéntépan kai golondongan dibalur ku gajih. Sababaraha kali gigisik jeung nyiwit pigeulang. Lain ngimpi. Lain ku guriang dipidahkeunana, éstu ku jelema. Bosphorus, Tanduk Emas geus kaliwat, Konstantinopél moal lila pasti karanggeum.

"Duh Ambu, ieu mah lain ditalapung. Diéréd hiji-hiji. Tada teuing héséna. Tapi kabéhanana réngsé sapoé sapeuting. Na saha pijelemaeunana anu bisa?"
"Emang keur naon ngalamun waé? Tatadi ku kuring diawaskeun. Lain sok kadinyah bantuan." ceuk budak satepak bari umajak.
"Heug, jang. Emang rék milu aub. Ngan hayang nyaho, ieu téh tantara saha jeung rék kamana?"
"Tantara uing Mang. Rék ngarurug Konstantinopel."
"Ke..ke..ari Ujang saha?"
"Uing Muhammad Al FAtih Murad, SUltan Ottoman"

Kudupruk manehna kapiuhan. Dina ingetanana sagala némbongan. Sajorélat keur manah si Tumang. Atina dibikeun ka Ambu. Ditundung. Indit nuturkeun indung suku. "Duh Ambu, kumaha uing dididik jeung diatik? Lungkawing sasab kajauhna" sasambatna kabawa angin nepika Leuweung Bandung. Dayang Sumbi dina kuburanana malik. Bari nyurucud cipanon.

LÉGIUN KATÉWAK PANONPOÉ

Kénging Irawan Babéh Lova
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 05:09:39

Réwuan légiun nyasaak hakaneun, karecah jadi potongan nu kira kaangkat ku masing-masing jeung mahi asup torowongan pijalaneun balik. Barungah, salusurakan, kacipta pamuji Ratu, balakécrakana salembur. Kongkorongok hayam ngélingan. Pikasieuneun téréh nyirorot ti wétan. Ujug-ujug régang kai kateunggeul angin, ragrag ninggang torowongan. Légiun reuwas, geuwat ngorowotan torowongan, nyieun deui lawang. Gubrag deui régang ninggang torowongan béh ditu. Légiun panik. Antukna nyieun torowongan anyar. Lawang anyar kabuka. Légiun arasup bari manjangan torowongan. Cahaya panonpoé geus némbongkeun kakasépna. Dangdaunan masih mere kalangkangna kanu keur riweuh baralik. Panonpoé beuki ngised. Cahayana néwakan légiun nu can kaburu asup. Lungleng, bangkieung. Hakaneun ragrag tina panyuhun. Légiun tingkocéak kapanasan. Les, galugur nalika ikhtiar. Nu geus arasup ka torowongan ukur ngalieuk bari nalangsa. Réwuan bugang sireum légiun ngampar.

KALANGKANG DIRI 17 ATAWA SADAYA-DAYA. DAYA SADAYA

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 03:31:03

Keur GS, EDJ.
Heueuh sadaya-daya.

Sagala daya raga, pikir, hate. Ngagenclang reumbeuy gurilap. Dipiara, ambeh tanaga rosa digjaya. Ngahijikeun Lingga Yoni. Sukma ngaRaga. Alfa ka Omega. Alif nepi ka Ya. Nyaanan apal ka pancer, ka dulur nu lima welas. Barina panca drya waspada. ‘rang tilepan, amparan sastra basa, simbut buni kamelang. ‘rang awurkeun parancah wiwitan, tandureun isukan. ‘lah disingkurkeun. ‘lah dijauhkeun. Anggursi deukeutan. Barengan. Angin hiliwir-gelebugna. Seuneu panas-magmana. Embel, kucuprak-belesekna. Cahaya gumebyar-suryana. Tan-rupa, tan-warna. Tan-bentuk. Kudu karasa-kacipta. Taya karempan kagimir. Tunggal implengan. Dunya taya. Dunya aya. Dunya urang sorangan nu aya. Rek jadi pandita nga-Brahmana, rek satrya, rek sudra. Rek jadi paria. Rek hayang hadiah, rek teu hayang hadiah. Keun bae. Bae keun. Beak-keun. ‘rang raksa: tungtung kahayang. Sabatae, da anuna. Da keur urang: manusa. Cuang cipta dongeng anyar. Sayogakeun sakabeh pakakas-pakarang hirup. Nya kebul teu tumpur. Nya kalangkang teu paragat.

Heueuh sadaya-daya.

TIRIS

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 02:01:33

Tengah peuting hudang kulantaran katirisan. Asa tiris tembus ka tulang sumsum. Simbut kandel geus teu karasa. Tiris teh lain ngan saukur awak, Tapi tembus ka jero hate pang jerona. Peuting jempling, poek mongkleng but rajin.
As pamohalan aya " Panon Poe " peuting-peuting...
Tungtungna ngaringkuk sorangan bari nyabar-nyabarkeun hate, murungkut siga anak Ucing kabulusan.
Watir ku diri sorangan...
Sugan isukan mah Panon poe teh neang !

NU DATANG TENGAH PEUTING

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 00:42:11

Nyileuk teu puguh, hésé tunduhna. Unggal panon dipeureumkeun, sagala karasa, sagala katingali, sagala kadéngé.

Diuk dina kasur. Asa luhureun cucuk. Teu ngeunah rarasaan. Awak ngésang, bayeungyang. Naha kunaon? Gering kitu aing téh?

Trok... trok... kadéngé aya nu keketrok. "Euh, jeung aya tamu wayah kieu sagala!" kuring gegelendeng bari ngojéngkang ka ruang tamu. "Nang, can saré?" ti luar aya nu nyarita. "Geuwat buka!" maksa, bray panto muka. "Adung, ngahaja manéh ka dieu?" kuring kagét, awakna sepa, rangkébong. Harita kénéh diajak asup.

Pelengseng aya bau bangké di jero imah. Enya, asa nampeu pisan. "Unang, hampura déwék!" kadéngé Si Adung nyarita haroshos. Teu lila, awakna marékplékan, kulit jeung dagingna lééh. Istighfar sababaraha balikan bari mencrong rorongkong. "Nang, hampura..!" hawar-hawar aya sora ti kaanggangan. Geleber rorongkong hiber kaluar.

SAJATI

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 00:28:17

Soal hate sanajan deet tapi hese kakobetna. Seuri ngagakgak bangun nu ngeunah, tapi saha nu nyaho manehna keur marojengja atawa manggih kasusah. Pon kitu deui sabalikna. Rusiah diri nu mo bakal kasungsi iwal ku dirina pribadi.
Sajorelat cimata nyurudut meuntasan pipina, kalangkang mangsa atra kagambar dina genclangna panon nu juuh nyidem mangrewu carita. Teu aya nu nyoara, iwal inghak nu kari sisimeukeunana.
Keureutan beungeut anteb diteuteup, dibarung galecokna hate nu nambahan simpe. Cumarita panjang lebar ngeunaan lalakon cidra, sulaya, katidersa, hianatna rasa, da apanan dirina masih tetep manusa. Nyerina batin nu teu weleh ceurik, tapi tetep asih ngaitkeun pikir pikeun satia kana janji, nu ditulis dina sakotret mangsi nu geus suub ku wanci.
"Abdi ikhlas....Kang...!"
Rurub ditutup, manehna sumegruk.

NYALINDUNG KA PATI

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Juli 2012 00:05:01

Berebet lumpat. Ti tukang ting belewer anu malédogan. Ngan hiji paniatan, nyalametkeun hirup anu ngan salambar. Alatan hog-hag di pasar nepika begalan pati. Teu sudi kudu éléh sapanista. Euweuh cupat éléh gelut, euweuh narah acan abar. Teu pira pedah tempat manéhna dagang dilindih ku aing. Bongan sorangan. Jeung mindeng bulak-balik ka lembur. Résikona, dagang di pasar sakieu heureutna. Lapak jang dagangan jadi rebutan.

Bras ka hiji kampung. Anu ngudag jiga anu kasétanan. Asa sabek-bekeun paneunggeul kana sirah. Ngagorobas ti hiji pipir, bet asup ka imah.
"Bapa, kuring tulungan. Diudag-udag rek dipaéhan. Kuring masrahkeun diri, hayang dibéré ombér jang hirup. " ceuk kuring ka hiji lalaki anu geus kolot.
"Heug, jang. Tah, nyumput dikamar kainyah. Keun ku bapa rék ditarékahan anu ngudag mah" semu antaré pisan ngomongna.

Teu lila ting kedepruk anu ngudag bari ting corowok. Laju si bapa nyambut anu neangan dina golodog. Siga anu guntreng ramé pisan. Anu nyarusulan geus arindit muru ka tempat séjén.

"Nuhun, pa. Abdi geus ditulungan."
Bari neuteup ka kuring,
"Dikumahakeun anak bapa dipaéhanana ku hidep?"