Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Juni 2012 (34 Naskah)


KITU

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 23:39:13

Lah, pira ge hayang kitu, naha bet ku kitu-kitu teuing. Apan meunang sakitu teh alatan kitu. Tah wayahna ayeuna kudu di bere nu kitu. Sabab mun teu kikituan sapeuting ge sok dumadakan isukna jadi kitu. "Mung sakitu kang? meni popolotot teh" Ceuk manehna bari menerkeun salimut, terus nonggongan.

WARTA AGAMA

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 23:31:49

Puluhan fikminer nu ngiluan acara rotinan fiksimini basa Sunda di gedong YPK, mungkas sawala ku salat magrib berjamaah, Saptu, 30/6. Réngsé salat, terus munajat, sadu’ana sadu’ana. Sajarah anyar dina lalampahan fiksimini basa Sunda mah. Numutkeun saurang fikminer nu narah disebutkeun ngaranna, gedé harepan, cenah, ku dilaksanakeunana salat magrib berjamaah, para fikminer bisa ngaronjat ajén-inajén karya, koméntar jeung katakwaanana. “Énding anu kacida saéna, sawala dipungkas ku netepan berjamaah,” pokna. Ditanya naha ieu kagiatan téh aya patalina jeung bulan suci Ramadan nu tingal sababaraha poé deui, manéhna ngajawab, “Teu aya. Margi ari salat Magrib mah ti kapungkur ogé hukumna wajib. Badé sasih Ramadan, kitu deui di luareun Ramadan,” pokna deui.

NGARONDA

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 22:50:36

SI Bapa, humaregung. Sirahna dibengker. Si Ema nginghak. “Wayahna Jang, bapa manѐh, selangan ngaronda… Ѐra, bisi diontrog deui, ku Pa Lurah..,” Cѐk Si Ema. Kuring saged. Kencling muru pos ronda. Kasampak Mang Darman, Bah Karta, keur ngelepus udud, diharudum sarung. “ Tah kitu Jang, baturan ngaronda. Keur genting yeuh, peuting mangkukna, geus dua kali, aya nu nguliwed, ka imah Nyi Ѐsih. Dibalѐdog ,ngagoak. Teuing, kamana lumpatna, ѐta mangkeluk tѐh…,! ?” Bah Karta, ngomongna bari nulak cangkѐng, bangun ngenes. Isukna kaparengan aya rapat di dѐsa. Lurah ngawak-wak, nyarѐkan ѐrtѐ, jeung hansip, anu harѐ-harѐ, teu merhatikeun. “ Geus euweuh peurahan, Lurah tѐh.“ Cѐkeng. Ngagerentes. Kuring kagѐt, nempo sendal , anu dipakѐ ku Lurah. Balik ti dѐsa, patepung jeung pamajikan Bah karta, mawa buntelan, bari rambisak. Datang ka imah, Si Ema jamotrot.

MEPER ANGKARA

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 22:11:56

Ngabebela. Seuseukeutna ngaléntaban sakabéh nu aya. Géhéng. Taya nu nyésa. Belegedeg, ngagedéan. Haseup hideung mumbul, silalatu pasulabreng. Langit medem. Cakueum. Séor… angin ngahiuk, nu keur ngabebela nambah rosa. “Hahaha…, saha nu wani ka aing !” jorowokna ngeundeurkeun jagat. Gedong sigrong kabulen ku seuneu. Nu boga gedong awakna ngagidir. Rénghap ranjug.
Nguing… nguing… nguing…. Sora blanwir ngajelengéng. Séor…!!! Cai rébuan galon disemprotkeun. Teu mempan. Malah mingkin ngamuk nguwak-ngawik. “Sok siah, kaluarkeun kabéh wewesén. Aing seuneu rajana seuneu, hamo ngejat”

“Masing surti jalu, nu rongkah ulah dilawanan ku nu rongkah. Banjuran saeutik-saeutik kalayan nyebut Asmana” sora nu ngaharéwos. Cur…, gedong sigrong nu kalimpudan seuneu dibanjuran. Saeutik-saeutik. Antaré. “Tobaaat…”. Cur deui. “Tuluuung…” ngajerit maratan langit. Cur…, cai pamungkas dibanjurkeun. Pes, seuneu nu ngabebela pareum sapada harita. Hawa tiis nyelecep. Nu boga gedong ramohpoy. Sumujud. Leupas tina angkara.

SELEB PAHOMAN

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 22:07:44

Ngageremengna mah da ti keur eta.Doang kumaha nya eta dedegan Ki Kuncen nu kaceluk teh.Sakapeung jadi artis sakapeung jadi wali.Jadi bahan masinikeun jalema. Pareng kemis pahing nu kamari, laju wae di toong ka panonobanna. Saung kirey patapan kasampak haroong.
Tangguan bae lah, pira ge keur dijamang heula cenah geh tadi ceuk anakna.
Kamayangan, teu kebel nangguan manehna jebul.Batiiing...kubating...!
Primus lain Teuku Wisnu lain geuningan.Hurung mancur cahayaan, sorot matana seukeut teu kuat padu teuteupan.Sampurna pisan ieu dadamelan pangeran.Teope begete mun ceuk basa kwari mah.
Surser rarasaan, getih asa naek kana tarang,basa manehna mamagahan,leungeunna saduana disampaykeun kana taktak kuring.
''Geus, teu ngantik di manyam menyem dia mah Ne,na getih dia ngamalir tutungkusan harendongpapak'' Pokna, sanggeus mahanan daun pandan jeung
kembang culan meunang ngahiriban.Laju nitah kami geuraan mulang.

DI JALAN PASAMPANGAN

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 22:05:43

"Naon nu janten wagelanana pami salira teu janten ka abdi", ceuk eta mojang pinuh pangharepan. Jajaka ngarasa bingung lain meumeueusan. Sabab, apan kakara oge anyar pinanggih. Kitu ge panggihna teh ti peuting, ukur di jalan pasampangan sarta cikeneh pisan tacan aya sajamna basa keur manehna rek meuntas ti trotoar beulah kenca. Moal kitu ari keur ngetem mah atawa memang ieu teh jalma bener?. Nempo kana dangdanana, estu matak pikauruyeun,baju bodas saulas tur kancing dadana dibuka saeutik, make jaket hideung serelekna ngahaja dibukakeun, ka handapna calana hideung merecet, sapatuna jangkung. Wah pokona mah taya cawadeunana. Sabot jajaka mikir pijawabeun, ti beh pengkolan katempo aya mobil BMW ngadeukeutan ka anu duaan. Satuluyna reg ereun.Ti jero mobil aya nu turun dua lalaki awakna jangkung gede tur keker sarta marawa pakarang. Teu mikir panjang, si mojang jeung si jajaka birat lumpat sakalmpat-lampet.

MARANÉHNA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 20:37:59

Martha, kuring teu apal ieu tanggal sabaraha. Tapi langit di dieu cakueum hideung. Jelema riab dina nyecepna angin halodo, baralik ninggalkeun kérésék, botol akua, nu pasolengkrah jeung rupaning kertas rumeuk kucem – sanajan foto nu aya di dinya karéom pinuh ku jangji. Sawaréh ngadon metet na kamalir. Jalan laledug, nu bébérés sound system pahibut jeung nu ngabongkaran panggung. Meh simpé, Martha. Taya sora.
Simpé nu baheula basa mikropon réngsé ngagorowokeun jangji jeung pangharepan. Kolot budak nu ngaliud ti subuh kénéh ngadarakom hareupeun panggung, molohok nenjo nu biantara: “Rakyat akur, nagara makmur! Rahayat jujur, lembur raharja!” Réwuan, malah jutaan kecap pating buricak. Ngelun ka langit. Ilang, taya tapakna.
Sok komo kiwari. Mangsa TPS geus lila dilurug, dibalikkeun deui jadi tempat pamiceunan runtah – sakumaha asalna. Urang ukur bisa ngupahan manéh. Bongan hirup di tempat nu ramijud. Maranéhna nu baheula ngajanjikeun itu ieu, kiwari ukur nembongan dina televisi. Bangun teu boga dosa.

LUTUNG KOTA PRADJA

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 20:16:56

Kaduhung aing bogoh ka indung jadi we meunang supata, ceuk Lutung Kasarung bari garo-garo teu ateul di jero kandang Kebon Binatang Kota Pradja. Teu kaduhung kumaha? Ti saprak manehna turun ka dunya, teupi ka kiwari tacan panggih jeung Dewi Asri. Dina tepungna ge lain jeung Dewi Asri tapi jeung Dewi Persik, ratu dangdut bahenol nerkom – basa mangkukna ulin ka ieu tempat. “Duh, kumaha kuring bisa jadi manusa lamun teu ngawin Dewi Asri. Beu, beurat temen cobaan hirup disupata ku bapa sorangan,” ceuk Lutung Kasarung bari nampanan suuk ti hiji wanoja anu geulis naker tanding Dewi Puspa. Ari Dewi Asri tangtu bae moal ulin ka Kebon Binatang, sab manehna aya di Kahiyangan, keur bulan madu jeung bapana Lutung Kasarung. (2012)

NU NGICEUPAN

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 20:06:10

Meni ngalenyap!
Baso nu karék am...ampir kateleg. Geuwat tungkul. Jero haté norowéco. Naha enya kitu?
Bisi salah tempo. Panon lalaunan ngagiler ningali deui. Deg! Aya nu neumbrag kana jajantung nu tuluy ratug. Haté keukeuh tumanya. Saha? Da asa can kungsi wanoh.
Bet cau ambon dikorangan.
Tapi, da puguh kétang ieu mah. Puguh manéhna téh ngiceupan. Ka kuring. Lain ka sasaha.
Duh!
Lamunan mah geus ngalayang kamana-mendi. Jadi panasaran.
Bari meper ratugna jajantung...ngumpulkeun kawani. Anteb neuteup manéhna. Lila!
Biwir kuat ngarenyu sanajan haté mah nyurakan. Panon teu leupas neuteup manéhna...nu terus ngiceupan...teu eureun-eureun. Géhél téh!

SARWA SALAH

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 20:04:14

"Cing atuh kang, upami bade nikah deui teh kedah nurutan kanjeng Nabi, niatna nulungan, sanes ngagugulung napsu." ceuk pamajikan bari semu dareuda ningali pamajikan kuring nu kadua geulis jeung gadis keneh.
Kahalangan ku tilu poe tiharita kuring datang deui ka pamajikan nu kolot bari mawa pamajikan anyar nu katilu umurna saluhureun kuring, maksud teh ngawanohkeun kamanehna. "Naon niat akang mihukum eta wanoja teh, katingalna jagjag jeung geulis keneh, beunghar deuih," pamajikan nu kolot ngomentaran.
"Apan ceuk Ai kedah niatna nulungan, Akang seja nulungan kulantaran mun peuting sok tiriseun," ceuk kuring tuluy ngaleos bari ngagerentes "Intinama ulah kawin deui, loba alesan pisan."

DUA CINTA, HIJI WANOJA!

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 19:57:43

Banondari surak basa meunang beja yen Rahwana palastra ditarok huluna ku Hanoman neupi ka bencar. "Uing jadi dikawin ku Rama," ceuk Banondari bari ngaca. Kulit awakna nu koneng lir cau lampeneng matak sernud nu ningali. Ari Dewi Sinta tangtu bae ceurik balilihan basa nempo Rahwana geus teu aya dikieuna. "Aing sangeuk kudu kawin jeung Rama!" gerentes Dewi Sinta. Harita langit lenglang taya pihujaneunan. Bulan hurung ngempur. "Hanoman pek kawin Dewi Sinta ku sia. Uing geus meunang gantina," ceuk Rama basa ngorol jeung Hanoman di sisi walungan mangkukna. Ngadenge caritaan model kitu, saharita Hanoman mata simeuteun, "Teu salah denge kitu? Palias kudu ngawin Dewi Sinta!" gerentes Hanoman, "Apan uing teh bogoh ka Banondari! Piraku aing kudu maehan Rama?" (2012)

BALKON 2

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 18:15:14

Ngadaweung lebah balkon di lanté dua. Tilas urang silih teuteup. Silih papaésan imut. Pamanis-manis kapanan. Renyuna dugi ka metot jajantung. Harita nu aya dina ciciptan, duriat urang bakal ngahiji. Lebah balkon nu ieu kénéh, nyawang mangsa nu bakal datang. Asa pamohalan harepan bakal ngajadi. Sanaos salira harita kantos wakca.
“Eulis, ulah lepat sangki pami iber elat dugi. Sing ngamaphum. Keun da kanyaah mah tingtrim sumanding.”
Lebah balkon nu ieu kénéh, aya nu ngagarajag tina sesela harepan. Ngabayabah maluran ramo-ramo suku. Sésa-sésa kaasih nu tuluy burahay, tapi hangru kaangseuna.

BULAN

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 17:48:45

Cahaya bulan, nu ngalungsar di Pajaratan.
Konéas taya getihan.
Buni, dirurub boéh larang.

GETIH SAHA?

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 17:35:30

Kuwu Adun banget hariwang. Marni, anakna mindeng balik peuting. Alesan lés atawa kursus. Sakapeung cénah ngerjakeun PR kelompok di babaturanna. Teuing sabaraha kali diomongan, angger kitu kalakuanna. Aya kalana malik nyangangang mun digeunggeureuhkeun téh.
Karémpan kuwu Adun nambahan, sanggeus hayam jago piaraanna kongkorongok waé tengah peuting. Hiji peuting, Marni karék torojol basa hayam kongkorongok. Balikna dianteur ku lalaki. Cénah kabogohna.
“Geus balik tengah peuting deui waé, Marni?” kuwu Adun ngagantawang.
“Budak ngora, Pih,pan ieu téh malem minggu” Marni ngajawab teu riuk-riuk.
“Yeuh, kolot mah hariwang. Sieun boga anak parawan balik reuneuh”.
“Tenang atuh Pih, jaman ayeuna mah geus usum parawan reuneuh téh” ngajawabna teu euleum-euleum.
Bus Marni ka kamar. Jeblug panto ditutupkeun. Kuwu Adun teu kebat ngagelendengna. "Na ari sia anak saha, bet kitu kalakuan teh" kuwu Adun bati ngagerendeng. Enya da golongan darah Marni mah O sarua jeung indungna. Sedengkeun pan manéh na mah AB?.

BULAN BEUREUM GETIH

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 17:31:43

Manehna neuteup bulan nu dumadak beureum getih peuting eta. "Piraku Akang beureum getih, sakitu koneng lir kulit cau lampeneng," ceuk hiji wanoja nu diuk gigireun dirina nu pinuh kasono, sanggeus mangpuluh taun papisah. Manehna ngarenjag sakedapan. "Naha eunya bulan teh koneng lir kulit cau lampeneng?" kitu gerentes hate manehna, batinna poek mongkleng lir sumur taya dasarna. Seah angin tina pucuk ka pucuk daun awi matak keueung pikeun nu lian. Teuing kumaha mimitina, leungeun manehna harita beureum ku getih wanoja. "Aing teu suka sia digadabah Rahwana!" ceuk manehna, bari ngagorowok. Soarana maratan langit. (2012)

KASIRIB

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 17:10:19

“Alhamdulillah, salon tos aya kamajengan pah”. Ceuk pamajikan bari kekedengan dina hiji peutimg. Sok resep mun pamajikan galécok saperti kieu teh. Cingcirining bakal dipungkas ku silih ledot, silih tengkas jeung silih dedetkeun. ‘Ngan laporan leuit karyawan sok teu cocok jeung ijiran’. Pamajikan teruskeus curhatna. Kuring ngusulkeun supaya masang kamera anu langsung disaluyuan ku pamajikan.

Saminggu ti saprak kaméra dipasang, kuring jeung pamajikan paséa rongkah pisan saré gé geus misah ranjang. Salain tingkah laku karyawan, para tatamu salon, karekam ogé tingkah laku pamajikan nu teu disangka, teu dinyana, boga PIL.

(PIL Bhs Indonesia : pria idaman lain)

JARUM JEUNG BENANG WOL

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 16:17:15

Poé ieu kuring keur bungah. Bungah pisan. Aya rupa – rupa kembang dina manah. Kalangkang gé aya pulas katumbirian. Basa kuring keur nulis sajak jang manéhna, jarum jeung benang wol warna kayas laluncatan. Nyalampeurkeun. Dicepengan wé ku kuring duanana. Sareuri. Éta jarum jeung benang wol nuduhkeun kana tiung. Kuring ngarti, éta jarum jeung benang wol hayang kuring nyulam. Digugu. Kuring nyieun ngaran manéhna dina tiung. Dihadé – hadé. Dihias ku kekembangan nu laleutik di sabudeureunna. Éta tiung jadi éndah. Katambah aya ngaran manéhna. Teu lila, manéhna ngaliwat ka hareupeun imah kuring. Tapi jeung nu séjén, anu ku manéhna téh disebut widadari. Benang wol anu tadi jadi kekembangan, ayeuna caroplokan. Maruragan, teuing kamana. Jarum anu tadi mantuan nyieun ngaran manéhna, asa nojosan kana manah. Peurih. Karasa nyeri pisan.

ALAHBATAN DI BÈNTAR GELAP

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 16:14:02

Hiliwir angin ngadalinding nebak pucuk hatè keur sumedeng sumpeg, patutumpuk mangrebu kahanjelu mangyuta kahariwan nyangkaruk tugenah manah.
Lumayan bisa reureuh nyakeudeungkeun rasa dipuncak munara masjid.
Kèsang tacan tuus rènghap ogè masih di sisi gawir beurit geus ngudag ngorowotan pangimbaran.
Gustiiii..! Kuring ngajerit.

KAREBUT HANCA

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 15:10:42

Sigana geus teu katahan. Datang-datang langsung ngadadarkeun bangbaluh. Kaciri nahan amarahna téh, kapireng tina rénghap-ranjugna.
“Sok pikir ku di dinya, ti mana duit keur meuli geulang sakitu reunceumna? Kaukur tangtuna gé pangasilan di dieu mun dipaké meuli baju ti butik? Gunta-ganti ali berlian? Teu diwaro ieuh béja nu disangka kur béjé téh. Mun teu katohyan mah, moal dék percaya.” Rahuh wé bari ngajenggutan buuk. Song cikopi.
“Teu sangka nya, sakitu lungguhna. Jadi cocooan saha, cenah?” Pamajikan mairan.
“Nyéta… Dirut Megatéx, atasan Etéh,”
“Kutan? Kurang ajar! Dasar buhaya! Majar taya nu séjén! Awas, siah!” pamajikan kekerot bari nyekelan peureupna sorangan.

BABASAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 13:34:26

Abah Wirya nyarita ka incuna, anu keur anteng mencrong tv. “Cik Jang pangneguhkeun, ieu babasan. Eunteup mawa panyeureud. Ngancik taya bemakrama. Bumetah mapayan nu sunyah. “ Incuna ukur ngarѐrѐt. Puguh teu ngarti. Cѐnel tv, dipindahkeun. Bray . Abah Wirya menrong tv, bari jebi. Layar tv, lamokot. Jung nangtung, ngincid muru anyaman bilik, anu can angeus-anggeus.

SALAH SAMBUNG

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 12:49:44

Poe geus maju ka beurang, srangenge moreret, nyebarkeun hawa panas nu nyongkab kawas nu hayang manggang awak. Kuring diuk handapeun tangkal nangka sisi jalan bari ngageberan awak ku keretas koran.
Maningan masih jauh lalampahan, muru hiji lembur nu rada nyingkur di wewengkon Cianjur kidul.
Ngeunah sigana mun ngarujak buah ngora , bangkuang, bonteng, gedang atah, hui, ditambah lada nu teu pati nyelekak, seger kacipta.
Ransel disolendang, leumpang digancangan susuganan di lembur nu bakal kasorang manggihan warung nu bisa dibeulian.
Kabeneran, beak tanjakan aya warung rada badag sanajan wangunanana basajan. Rupa-rupa dahareun nyampak, kaasup nu tadi dicipta-cipta.
"Rujakna hiji, Bi!" gek diuk bari ngecagkeun ransel.
Teu kungsi lila, song tukang warung ngasongkeun pesenan, sagelas jangkung es campur! Kuring ngahuleng bari kerung. Kagok geus diasongkeun, suruput wae diinum...! Segeeeerrr...sanajan teu nyararambung!

SAPANJANG TROTOAR

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 12:36:08

Sapanjang trotoar nu kaliwatan , teu eureun nu rumahuh ,teu suda nu nyebut susah. Saha nu nu ngarampas lapak urang nepi ka kadungsang-dungsang.

NYANDUNG 11

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 12:26:33

Kilir ngahilir tigurawil. Ngawayuh ngulon tisorodot. Cag! Cuang ngalapak ngayepeka.

NGAJUKUT

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 12:02:38

Taya reureuhna. Teu welѐh nyaliara. Ngayunkeun karep. Dinu beueus, renung. Nyorang baseuh, meuweuh ngadeder.

CAN AYA IDEU

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 10:39:10

Carita nu biasana ngaguluyur. Ayeuna mandeg, mengpet dina liang katuna. Ninggalkeun laksaan hanjakal, humarurung digulung bingung.

Amparan rasa nu pinuh ku ungkara, ngalungsar taya daya, tanagana musna. Yakin. Aing geus béakeun bahan carita....

Isuk kudu bisa, kudu nulis deui. "Dagorkeun heula sirah kana témbok, ngarah kapanggih rasana", haréwos angin. Enya sugan, kudu kitu, kudu didagorkeun heula. Untung, aing geus teu boga sirah..!

SURAT KATIGA

Kénging Akang Uluz
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 10:25:49

Harepan aranjeun nu motah jeroeun dada, bakal maneh dina tonggong mongkleng. Ngarampaan jungkrang hurup dina unggal stats aranjeun moal bisa laksana. Kekecapan aranjeun nu disumputkeun rerencepan masih kabaca, "Kuring di dieu bakal nyulurkeun maneh pikeun ngancurkeunana." ceuk Anjani tegep teu sieun mulang bugang.
Dina peuting nu simpe, ngawurkeun du'a nu muruluk dina unggal renghapna.

KALANGKANG DIRI 16

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 10:18:24

Kalangkang nanya kalangkang,” aya 7 milyar kalangkang ngalakay. JIga haseup nu ngelun di planet bumi…. Aya milyaran trilyunan biliunan kalangkang di semesta raya..naha bisa anggeus ku sakeprul jawaban?”

Kalangkang balayar na sagara nu aya saacan ayana nu euweuh saenggeus euweuhna, nu tetep, nu teu kurang teu leuwih, nu angger, ngayapak, nanya jeung nanya, bari ngecewis nyoba-hang ngajawab. Ku ngabetem atawa ngabetem. Da ngabetem teh ngajawab oge. Dina cicing. Dina simpe. Dina teu nyaho.
Angin ngalangkang taya warna. Hawa ngalangkang taya bentuk Nu teu warna, nu teu bentuk. Kalangkang jadi rametuk. Ieu raga jadi siraru. Nu diajar ngaruru. Dihareupeun waktu, nu teu weleh muru.

Kalangkang ngalangkangan. Ngalayang deui!

ABAH KUNCÉN, SRIWÉDARI, MAÉSPATI, JEUNG GUNUNG KARANG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 09:25:15

Abah Kuncén ngahuleng ngaraga meneng, ngajeugeu, cameubleu, teu guam, barang ngadéngé Sukasrana nyanggupan paménta lancéukna. Sumur Tujuh bakal kabawa pindah ka Maespati burung. Jabaning geus jangji deuk nganteur marandi ménak ti dayeuh, rebo purnama iéu. Abah Kuncén teu rémpan kabisa Sukasrana nu pibakaleun bisa mindahkeunana.

Deker sila sineba, mancuh mendeko, sanduk-sanduk, ngadep ka Hyang Dumampara. Boga pangdéngé, tan amidangu. Aya pangdeuleu, tan aningal. Aya pangrasa tan amiraos. Aya ambeu tan tinangseu. Mati geni. Maéh jinis. Raga meneng, sukma ngacacang. Wadag nambleg, jiwa ngalayang.

Abah rekés, kumaha baé carana, Sumur Tujuh kudu di Gunung Karang, ulah kabawa ku Taman Sriwédari, nu deuk pindah ka Maéspati.

Torélap jelegur! langit mairan. Selengseng… seungit nyambuang. Tujuh Putri, Tujuh Guriang, Tujuh Badéga, sabangsaning tutujuhan, mantuan Abah. Les… belesat… Sumur Tujuh, aya di Gunung Karang.

Sriwédari sedih, pindah ka Maéspati teu bareng jeung tujuh sumurna.

REK NYEMPRUNG KA BANDUNG

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 09:19:27

Amis, amisna mah. Ngan karasa keras keneh kana letah. Ganas Si Madu mung beak sabeulah. Hayang maido ka si ema nu dagangna. Tapi cikeneh teh teuing ngaleos kamana.
Ngoreleng heula ka tukang. Maksud teh rek nyelang heula kahampangan. Hayang nyingkur sakedapan, sugan euweuh nu nangenan.
Tukangeun jongko kasampak aya nu keur nagog, jongjon nukangan. Ret ka handap, matak uruy ningalina. Dideukeutan we nu keur nyiksikan teh.
"Jang naon murak ganas ngora, Neng?
Nu ditanya gasik malik. Beungeut nu ngadaun seureuh teh katara jiga nu reuwas kacida.
"Nya...kanggo tuangeun atuh," beungeutna semu nyiak ayeuna mah. Bet hayang neuteup salila-lila. Ongkoh ituna oge kawas nu puruneun warugana diwawaas . Karasa dina imutna nu milepas.
Sajongjonan ngahuleng paduduaan. Lila-lila asa kaingetan, kusiwel ngaluarkeun dompet tina pesak tukang.
"Nitip duit yeuh ka si ema, sakalian Aa pangmungkuskeun ganas ngora, dua..."

KUMAHA DEUI POE IEU ?

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 05:20:26

Panon poe rek datang deui, Ngabebeskeun Peuting sangkan tong poek wae. Bentang geus dirawuan keur isukan deui. Cika-cika nyarumput handapeun daun.
Manuk mimiti recet mapagkeun cahaya beurang, Kupu-kupu sajodo-sajodo ting geleber neangan madu kembang.
Kuring nguliat, kadenge sora kongkorongok hayam matak waas. Teu talangke kuring hudang , mandi, cimata nghiji jeung guyurn cai tina gayung. teu kaciri.
Mapag siang tetep kuring nanya ka diri sorangan: " Kamana nyusul PANON POE anu kuring ?
Da teu puguh raratanana ?

KUDU PARAÉH SABA’DA KAWIN

Kénging Irawan Babéh Lova
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 02:09:02

Tatabeuhan réang, nu igel-igelan saruka bungah. Lima pangantén jalu élékésékéng ngadagoan hiji pangantén awéwé. Nu didagoan jebul ti jomantara, lungsur tina karéta karatuan, euntreup dina taneuh. Cicing di téngah-téngah kariaan. Laju lima pangantén jalu lulumpatan ngurilingan, ku leletna, ngarapung. Piligenti meupeuskeun birahi. Cipejuh ngumpul jeung mopo bati kapuas geus lekasan. Pangantén awéwé ngageter mere isyarah kanu ngurilingana pikeun ngajauh. Manéhna rék néangan tempat nu cocok, nyorangan, pikeun lumangsungna hirup turunan. Teu lila satutasna panganténan, lima jalu nemahan pati, perlaya. Nohonan papastén Gusti, nu geus ilahar di dunya sireum.

NAON SALAH KURING ?

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 02:03:09

NAHA naon salah kuring?, Lamun kuring bisa nempo anu teu katempo ku batur?
Naha naon anehna da keur kuring mah asa biasa bae. Nempo nu " invisible" Da datangna oge kakapeungan,kumaha keur seukeutna batin . Ngan mun boga babaturan nu barangasan, sok disina leuleuy. Nu galak disabaran,Nu sok gurung sina tenang. Nu resep pasea di peper, nu ngeleyed dielingan.mun picilakaeun dibejaan. Kuring bisa dianggap naon wae, disebut Nini, diaku lanceuk, Diaku Indung empek. Kulantaran hayang akur jeung saha wae. Kabeh anu aya dina pikiran kuring teu kurang teu leuwih hayang dipake amal. Da nu saestu Kuring mah Jelema nu teu daya teu upaya.Teu beda kawas nu sejen.Boga kasedih, boga kanyeri, boga kaera, Boga kahayang., gering , cengeng jeung sajabana Hiji waku bakal balik ka Alam Kalanggengan. Nu matak niat bebekelan nu aralus Boga kabisa malah sieun jadi syirik, Jadi beuki ati-ati, Yen kabeh teh kakuasaan ALLAH nu ngamurbeng ALAM.
Naha kuring salah mun bisa nempo, anu teu katempo ku batur ???
Kuring taya bedana ti anjeun sarerea. Tapi hese nerangkeunana.

NU NGAYUGA

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 01:26:10

Tujuhlas taun, lain waktu sapanyeupahan. Budak nu Cikal geus manjing rarabi. Wanda, teu dipiceun sasieur, ceples indungna nu geus tilar dunya. "Nyai,! kadieu sakeudeng, pang ngerokeun tonggong, apa, yeuh. Lalinu," manehna ngagorowok ti enggon. Si Cikal nu keur
ngistrika, teu talangke. Gasik neangan pangerok jeung balsemna. Deker, tonggong bapana dikerokan ku duit kencring, tapakna pating jarepat, beureum burahay. "Muhun ieu mah lebet angin apa, pantes we, bade lalinu oge." ceuk Si Cikal bari nuluy keun ngarancet awak bapana. Peureum beunta, tayohna cocog jeung kahayang na.
Ret, kana beungeut anakna, ray, ray! beungeut pamajikana ngajirim. Setan mindah rupa, iblis nu ngajirim. Ngaraksuk Hawa napsuna. Gerewek, Si Cikal ditangkeup. Digalentoran. Anakna kaget! Teterejel. Bapana beuki rongkah tanaga setanna. Si Cikal dibekem. Raga geus jadi setan, diri geus jadi iblis. Si Cikal geus dirogahala dirina.

CARITA NU LEUNGIT

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2012 00:42:31

"Anjeun tèh pangarang lain? Teu puguh pisan caritatèh!"
Awak jangkung badag nulak cangkèng dina kèlèk panon bolotot beureum bakat ku ambek.
"Jawab!"
Braakk..! Ngagebrag mèja, burudul aksara nu can mirupa kecap boro-boro ungkara plak-plik-pluk maruragan ninggan ubin gorolong lus-les teuing kamana.
Kuring soak, boro-boro nembalan.
"Apal teu, awak dèwèk asa pasiksak purulat-purilit nuturkeun carita anjeun nu teu paruguh."
Pokna deui rada leuleuy.
"Saha atuh pangersa tèh?"
Neger-neger manèh kuring tumanya.
"Kula tokoh carita nu aya dina karangan anjeun."
"Puntèn atuh pangersa abdi mah nuju diajar ngarang sanès pangarang."
Kuring sasadu pinuh rumasa.
Lèos manèhna ngalèos bareng jeung leungitna carita.