Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Juni 2012 (28 Naskah)


IN THE WORLD

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 23:07:35

Nya lebah mongklengna kahirupan, kuring teu weleh tumanya, naha masih aya tempat kitu pikeun kuring nyicingan sorga? Padahal kahayang, sok komo mun bisa rekes ka Nu Maha Kawasa, kuring teh hayang hirup salilana bari loba harta sugih ku harti, susuganan bisa ngaropea pikeun ngaraksa ngajaga jagat wawayangan, tapi dalah dikumaha, kuring ngan saukur manusa nu teu daya teu upaya, ngan ukur sakeprul kekebul nu taya hartina. Nu aya lebah rasa rumasa, ngan ukur pasrah sumerah, sagala napas mung kagungan anjeunNa, mun bisa ieu napas pikeun kamaslahatan dunya nu teu lana

SAMAGAHA

Kénging Rukmana Master
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 22:26:05

Geus dua peuting bulan teu némbongan. Imut kareueutna sirna. Poék, peteng béhditueun mongkléng. Bulan leungit siga diteureuy Sandékala. Lisung ditabeuh..kohkol ditakolan, sangkan bulan diutahkeun deui. Lapur…….
Maksakeun leumpang rumanggieung, mupus kakeueung nyuaykeun ludeung muru tajug. Mendeko. Nitirkeun dzikir dina ati, nagdulag rasa. Bareng jeung ratugna jajantung, hp na saku calana ngageter. Bray..dibuka.”Haturan, damang, Kang?” sms na.
Jero tajug ngadadak mabra kasinaran cahya bulan nu kakara lugay.

PUISI MOAL KASORANG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 22:25:30

Peuting geus dirungkup mongkléng, maju kasimpé
Karéta api ngahégak,ngarandeg di stasion pangahirna
Sajongjonan, kumalayang, lelembutan basa rek miang.
Jut turun, ngan sora tinggerendeng, sahéng, teu kaharti.
Euweuh nu mapag, ngan angin nyéor ngagelebug
Sorana, siga simpony lagu Mozart, make gamelan silung
Baheula, aya aksara dina tembok, ngaran urang duaan,
Dipapay, lapur geus kasipuh, dilabur mangsa.
Bongan bangkong ka cai teu dimandikeun
Bongan bohong pasini teu dijadikeun

BOGOH

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 21:03:27

“Bogoh kitu manéh ka si itu?” Ceuk hiji sora, nanya ka kuring. “Lain bogoh deui. Sok sanajan uing geus boga pamajikan, manéhna geus boga salaki. Asal bisa ngahiji jeung manéhna, pamajikan nu ayeuna gé, isuk pagéto ku uing rék disérahkeun” Témbal kuring, ka hiji sora. “Bogoheun kitu si itu ka manéh?” Hiji sora, nanya deui. “Nyéta puguh, matak uing kawin jeung pamajikan ogé. Manéhna téh teu bogoheun” Kuring, ngahelas. “Naha atuh, ari teu bogoheun mah, manéh sok inget waé ka si itu!” Mun aya panonan mah hiji sora téh sigana molotot. Ambek. “Teuing puguh, uing gé teu ngarti, meni ku bogoh-bogoh teuing ka manéhna téh” Kuring, ngahuleng. “Bogoh mah teu bisa dipaksa deuleu. Sing karunya ka diri. Teu jodo jeung manéh téh di dunya, boa di sawarga mah” Hiji sora, mapatahan. Geus kitu, ujug-ujug caang. Sérab. Teu kuat. “Gugah yank, tos siang!” Ceuk pamajikan, ngomong kituna téh, bari mukakeun jandéla.

LAMPAH

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 20:37:52

Lebah pasampangan. Ngarandeg sakedapan. Geusan nenangkeun pikir dibarung megung pakarepan nu pohara. “Hayoh…tuluykeun léngkah ka lebah kénca!” haréwos hiji sora. “Montong…mending ka katuhu!” sora nu lain ngaharéwos. Silih témpas, silih témbal, tuluyna padurényom. Ngajadi kapahung, sabil. Raga ngalumpuruk, teu wasa nahan rongkahna perang batin. Langit ngadak-ngadak angkeub. Breg, hujan ngagebrét. Keclakna kerep ninggang embun-embunan. Beuki lila…karasa rembes kana jajantung. Meper sabil. Ngajurung pikir.

EUNDEUR

Kénging Iik Setiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 20:26:00

Sekolah Menengah Lawak Indonesia. Sakola anyar dibuka taun ieu. Nincak poé kaopat, nu dalaptar ka éta sakola rébuan. Daratang ti saban madhab. Rebo ku impian jeung pangharepan. “Nu penting mah ulah éraan. Ulah geuleuhan. Kudu kuat fisik. Manéh mah mo burung teu ditarima. Karék ngajanteng di hareupeun kelas ogé, batur sakelas manéh loba nu sarééleun. Ma Odah mah ngompolan karep basa lalajo manéh maca sajak Agustusan”. Mang Udin ngagelendut ka Si Ujang anakna. Satengah maksa sangkan anakna daék didaptarkeun ka sakola nu anyar dibuka téa. “Emh... Ema téh meureun bisa umroh, bisa muka toko, bisa geugeuleuyeungan numpak mobil méwah”. Indungna mairan. Si Ujang teu némbalan. Anteng lalajo berita dina TV anu keur ngawartakeun kapal udara buatan hiji sakola SMK di Jakarta. Ti imah tatangga Mang Ujang, kadéngé sora nu sareuri patingcakakak. Mang Ujang ngarongkong nyokot rémot. TV nu keur dilalajoan ku Si Ujang gambarna ganti. Bréh adegan pelawak anu roroésan tigebros ngadiukan méja stéréofoam. Pelawak nu séjén keur meresihan beungeutna. Lamokot ku mantéga. Di juru panggung aya pelawak awéwé keur diuk aniprek, pipis di dinya. Dua, tilu, opat puluh imah, peuting éta eundeur ku cakakak. Si Ujang beuki muringgis......

JODONA

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 19:49:29

(Haturan kangge Mamah)

“Teu kapendak? Naha tiasa ical? Hayu urang pilarian!”
Unggal rohangan dipapay. Kolong meja dikotektak, mungguhing luhureun meja mah. Ruang rapat. Restroom. Dapur. Gudang. Kabeh rohangan nu aya di kantor di obrak-abrik. Weleh teu kapanggih raratanana.
Wulan geus rek sahinghingeun ceurik. “Pamohalan pisan pami aya nu ngewat teh,” cenah. Tujuh widadari nu sarohangan gawe jeung Wulan kokotetengan. Kukurilingan.
“Ayeuna mah kieu. Pami nu mendakan istri bakal diaku wargi. Pami pameget bakal dipikageugeut.” Wulan jangji.
“Naon kitu nu ical teh Ceu Wulan?” Ger kabeh seuri. “Nembe naroskeun. Milarian naon ti tadi teh?” Wulan ngajawab halon naker. “Konci mobil BMW, hadiah milangkala ti Papap.”
Klek! Panto muka. Jaka nyampeurkeun ka Wulan.
“Leres ieu teh kagungan salira?” Song konci BMW diserahkeun. Wulan ngalenyap sakedapan. Kabeh tingharuleng. “Pendak timana ieu teh Kang Jaka?” Wulan ngaharewos.
“Tina wadah runtah,”Jawab Jaka Tarub, office boy di kantorna Nawang Wulan.

HANDAPEUN PINEUS (2)

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 18:51:49

Ayeuna dina jariji anjeun aya lelepen. Lelepen nu aya tulisan ngaran kuring. Kuring nu bagja mihukum anjeun. Anjeun nu ngawurukan tata-titi tanpa kedal. Kedal ati nu pinuh kahariwang pajar bisi ngabarubahkeun, pajar embung ngaruntagkeun tihang-tihang. Tihang leucir meunang nyugu. Nyugu diembratan cai kahuripan meunang ngajiad. Ngajiadna ku do’a indung-bapa jeung karuhun di bale nyungcung. Nyungcung lir pucuk-pucuk tangkal pineus. Pineus-pineus nu di handapeunana urang kungsi sidengdang. Sidengdang nyawang layung nu ayang-ayangan ngajajapkeun kahayang. Kahayang nu kiwari geus kacumponan, cacap ngabudalkeun birahi. Birahi nu ngagalura dipasieup nyambuangna sedep malem. Malem harita urang dirapalan kalayan dua-kalimah sahadat. Sahadat nu mangrupa do’a sangkan urang tetep bageur. Bageur sapapanjangna, salalawasna silih miheman. Miheman ku rasa nu dideangan srangenge nu angger medal. Medal dina hate urang. Urang nu ngamprokkeun duriat. Duriat nu mugi awet ngagalindeng. Ngagalindeng hariring tembang katresna. Katresna nu pageuh siga ayeuna.
[]

CAHAYA ONCOR

Kénging Ilham Nurwansah
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 18:47:08

Cihcir mitembeyan muka wanci nu geus ngaganti cangra poé ku peteng. Ciang-ciang silih témpas jeung kuang-kuang. Mangratus bangkong nyurakan dina galengan-galengan. Ngan ukur oncor anu maturan peteng. Petengna haté ieu. Ti jauhna, oncor-oncor patingkaretit dina galengan. ngangkleung. Nyieuhkeun cihcir, ciang-ciang, kuang-kuang jeung bangkong. Beuki deukeut beuki atra. Imut ngagelenyu tina kalangkang tiung bodas nu kasorot cahaya oncor tina leungeun kéncana. “Tétéla, keur kuring éta téh!” ceuk angen. Teu kedal kana létah anu ngadak-ngadak pigeu. Oncor beuki ngadeukeutan. Leuhh... pohara lemesna sora “puntenn..”, cenah. Dibarengan ku rérét jeung rengkuh nu ngajejegan gelenyuna. Ngan ukur kedal sakecap. “Mangga”. Mangga, pikeun liwat. Liwat dina haté kuring. Oncor beuki jauh, cahyana beuki leutik. Tuluy ilang. Baganti ku sora cihcir. Enya. Ukur cihcir.

HANDAPEUN PINEUS

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 17:32:27

Handapeun pineus. Pineus-pineus nu halughug jucung tingpelendoy katebak angin. Angin anu mawa talatah ti jauhna, ti lembur nyingkur nu ngalengkob hejo ngemploh matak tibelat. Tibelat implengan nu gumulung hiber ngajomantara nurunkeun hujan. Hujan kanyaah. Kanyaah geugeut. Geugeut nu leah. Leah lir ngamalirna walungan nu ngamuhara, mencar jadi sarewu susukan. Susukan nu sungapanana kaambayan kembang kananga nu seungit. Seungit ngageuingkeun lamunan. Lamunan ka anjeun. Anjeun nu kungsi nyuuh nyangkere dina dada. Dada kuring nu leber harepan. Harepan ka anjeun. Anjeun nu ngawurkeun imut. Imut basa neuteup. Neuteup nu pinuh kaheman. Kaheman nyebor kagandrung. Kagandrung nu haben ngagegedor panto hate. Hate nu kekejetan. Kekejetan hayang geura ngahiji jeung anjeun. Anjeun nu sieun ku batur. Batur nu teu nyahoeun yen urang kungsi ngipuk binih. Binih katresna urang duaan. Duaan di dieu. Di dieu di handapeun pineus.
[]

DONGÉNG SAPOTONG

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 17:23:55

Aya kana dua jamna Astri ngudupruk bari ngabangingik téh. Dibarung
ku nginghak nepi ka sisidueun. Patémbalan jeung sora gaang dipipir
imah kontrakanana. Na lalangit kamar, cakcak ukur bisa gagaro
nempo polah Astri. Tingharéwos jeung baturna. Ngomongkeun.

Cengkat téh basa sukuna karasa singsireumeun. Jung nangtung, léos
ka dapur, kot kana kanébo, tuluy ngelap cimata nu ngeyembeng na
ubin. Dipeureut téh meunang sa-émbéreun. Astri ngudupruk deui. Bari
nyarandé kana témbok. Ngahuleng bari ngorong, diulinkeun. Dipurintil-
purintil, tuluy diaclengkeun ka luhur. Plek ! Napel kana lalangit.
Cakcak curinghak, tangginas moro, laju dicapluk. Puah ! dilepéhkeun deui.
"Kunaon ?" baturna norojol.
"Asin !" pokna. Duanana tuluy tingcikikik, saleuseurian.

[Nuluykeun Fikmin

TUKANG PARAHU IX

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 17:13:08

Purnama ngagebur di langit wening. Kumalangkang di bangawan. Tukang Parahu ngabungbang. Nyawang peuting nu gumenclang. Rus-ras. Kana carita cintana nu lampar. Da kungsi ngalanglang jagat. Nutur-nutur panonpoé. “Wilujeng wengi!” kapireng nu gumalindeng. Bréh. Aya wanoja katojo bulan. Ngagulubur. Sidik pisan. “Aphrodite…” manéhna rampang-reumpeung. Meper nu gumedur na jajantung. Sang Déwi ngagelenyu. “Bulanna ageung pisan di dieu mah, nya? ” ceuk Sang Déwi. Tukang Parahu ngaheneng. Aya bulan leuwih ngempur. Nu ngancik dina haténa. Sawatara abad kalarung. “Sumuhun. Langkung moncorong…” témbalna bari tanggah. Kapan bulan éta kénéh nu kungsi nepungkeun asih. Di ditu. Jauh. Di satukangeun srangéngé. “Iraha badé ka ditu deui?” Sang Déwi neuteup. Geugeut. Manéhna gideug. Gilig. Rék bumetah di lemah Indung. Nu teu weléh dipigandrung. Sang Déwi imut. Surti. Ngajak unggah kana parahu. Laju ngangkleung ngambah cahaya nu marakbak di bangawan. Sang Déwi humariring dipirig harpa. Tembang tresna gumalindeng. Tukang Parahu terus ngawelah. Kumalayang. Balayar di awang-awang. Panineungan.

RAPAT

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 16:34:51

Méméh indit ka kantor, kuring maksakeun heula nelpon ka si Néng, budak nu bungsu. Maksud téh rék ngabéjaan, poé ieu mah kuring rada riweuh. Rék aya rapat jeung pingpinan pausahaan di kantor. Jadi, mun aya naon-naon, nelpona ka si Papih wé. Ulah ka Mamih. Kitu ceuk kuring ka si Néng. Dina tungtung telpon, kadéngé manéhna ngaenyakeun. Héran tuda, sakitu geus boga salaki ogé, angger embung leupas ti indung. Sakapeung mah sok pusing. Saeutik-saeutik, nelpon ka indung. Kungsi ti heula mah disentak. Cik, atuh Néng, da ayeuna mah Néng téh geus rumah tangga. Geus boga salaki. Kudu diajar mandiri, ulah sagala ngandelkeun waé indung. Cekéng, harita. Nepi ka kantor, rapat geus dimimitian. Buru-buru kuring diuk dina korsi nu geus disadiakeun. Basa pingpinan pausahaan keur préséntasi ngeunaan prospék bisnis. Si Néng nelpon. Bingung. Diangkat, kagok. Teu diangkat, gandéng. Kapaksa diangkat “Aya naon?” Ceuk kuring, satengah ngaharéwos. “Ari masak tauco dikumahakeun?” Pokna, tarik.

LETAH LEUWIH SEUKEUT BATAN PEDANG

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 15:55:42

Gajleng! Luncat tina tonggong kuda. Gayabag, jubah hideung ririaban. Laken, dengdek meueusan. Teuleupas, make teregos. Srog! Kahareupeun Aki Jatma. Ngarenjag. Mireungeuh nu ngabedega. Burilak, tembong matana ngaburilak, galak. "Saha, ieu? Jeung naon maksud andika ngahadang kula." ceuk Aki Jatma, alon. "Tong loba catur, Aki-aki tujuh mulud!. Aya beja, pedang andika rek mapakan pedang kula." Tembal na, ngabedega ajeg. Sret! mesat pedang nu ngagaplek dina cangkeng na. Gurilap, matak serab.
Aki Jatma ngahuleng, teu ngarti. Wik! Wik'! ngulinkeun pedang, huak hiuk bangbaraan. Sret! Aki Jatma taki-taki ngome kuda-kuda."Tembongkeun pedangna" ceuk nu diteregos teugeug. Aki Jatma ukur ngelel. Nyel! amarahna nguniang. Tayohna asa dilelewean. Hiuk! Ngaheumbatkeun pedang nuju hulu angen. Rokaya, Aki Jatma lain Aki-aki tujuh mulud. Sret, ngagiwar, nyingkahan panarajang lawan. Lain oge sijago pedang sadunya, lamun pedangna teu beubeunangan. Wek! Wek! Congo pedang ngoet kampret. Atra, katara. Tapak pedang ngawentuk hurup "Z". Sajongjongan ngaraga meneng,"Boa ieu nu ngaran si Zoro, teh." gerentes Aki Jatma bari kunyam-kunyem mapatkeun aji pangarti. Dumadakan! Logodor, letah na manjangan. Si Zoro ngarenjag. Pedang diheumbatkeun karep nigas letah Si Aki."Belentrang! Pedang potong jadi dua. Logodor! Letah Si Aki nyewuk, niruk jajantung, nembus nguwak-ngawik kana ati. Zoro, bobor karahayuan.

TEUNGTEUINGEUN

Kénging Badru Tamam Mifka
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 12:59:51

Di tengah jalan basa keur dibawa ka rumah sakit, nyawa kang Yoyo kaburu dirabut pati. Béja mah kang Yoyo aya nu ngaracun! Poé éta kénéh, adina ngamuk, ngamang-ngamang bedog di lawang imah kontrakan. “Saha nu ngaracun lanceuk aing?! Dipeuncit! Dicacag!” Teuing saha jalma nu téga maéhan. Teu kapanggih. Komo asa mustahil aya nu daék ngaku mah. Teungteuingeun. Opat bulan ti harita, najan kajadian geus puyar tina ingétan urang lembur, tapi haté Astri tetep nguyung. Ukur Yaya wé nu sok rajeun datang téh. “Néng téh anom kénéh, kedah tetep sumanget. Teu aya istri nu hoyong dikantunkeun carogé.... Tong teras sedih, tos waktuna muka lambaran anyar deui....” Astri ukur tungkul. Jempling. Yaya narik napas, laju cengkat. Dituturkeun ku Astri ka lawang panto. Teuteup Yaya seukeut norobos panon Astri. Sempet ngusap pipina. Laju ngagidig ninggalkeun imah. Panto hareup ditutup lalaunan. Astri ngudupruk. Ngahuleng. Teu kungsi lila ceurik ngabangingik....

KAHAYANG DOMBA

Kénging Miskar Kariti
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 11:50:47

“Hadoooohhh cilaka-cilaka ...” gerendeng haté, “kieu yeuh kajongjonan fb-an bari ngangon domba téh akibatna. Domba areuweuh ti dinya!”
Na ari gorowok téh, "Kang domba Akang mah di ditu tuh keur lalalajo nu ngabedahkeun! Pokna, talatah ka dunungan bosen kuring kudu dahar jukut jeung jukut baé mah unggal poé. Atuh sing aya kamonésan kituh pokna! Hég jukut téh barengkeun jeung goréng lauk!"
"Hadeuww .... Hah? Siah!"

PALU

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 11:25:01

"Marki! Marki! Marki!" beurang mentrang. Marki ngagandeuang luhureun aspal. Janggotna lagedu kebul. Pencrongna mah mencrang. Mengkol ka hiji bengkel. Asup. Nepungan nu nyalukan. Nu luut-leet. Buligir. Keur metot beusi tina durukan. Gampleng. Eta beusi. Beusi atah beureum diteunggeul. Diteunggeul ku palu badag. Jadi bedog. "Marki, naon ari hirup?" cek nu keur ngagulanggaper bedog. "Hirup teh palu nu neunggeul beusi jadi bedog." cek Marki bari imut. Imut nenjo seuneu beureum ngabebela dina hawu. Harita beurang mentrang.

LAAS

Kénging Yuharno Uyuh ONod
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 11:24:13

Toktakna sora sapatu Nani, matak jangar jejedudan kana sirah Burhan anu keur numpra teu walakaya. Teu malire kanu sahoseun. "Pap, Aku pergi dulu yah..," Ceuk Nani. Selengseng seungit parfum, kaambeuna ku Burhan mah, bau bangke. Banget ceuceub, nu nyelek dina angena. Beledag, sora panto dijablogkeun. Burhan ngarenjag, jantungna asa rek coplok. Gerung, kadenge diluar sora mobil ngagerung, awor jeung nyikikikna seuri Nani, badis kunti. Beu, geus laas, cinta Anjeun teh Nani..,Gerentes hate Burhan. "Cepet atuh, Ayang..," Ceuk Sora Lalaki. Jedud, jantung Burhan asa didudut, renghapna ngagancangan, lir tatalu kebo jiro. Nani ngampleng. Sora tahmid, ngagerenggeng, cimata juuh, ngeclak maseuhan jalan. Goak, jerit,."Kang Burhan...!!!" Taya nu nolih. Sora tahmid, handaruan,matak keueung, nganteur nu mulang ka kalanggengan.

KIDUNG

Kénging Badru Tamam Mifka
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 10:47:33

Ceu Onah nyingkabkeun hordéng lawang kamarna. Nyampak salakina keur ngaréngkol “kumaha, sakang, gering kénéh?” Nu ditanya ngulisik “Kieu wé, teu genah awak waé. Teu ari panas mah. Wayahna wakilan deui kuring bébérés di imah Pa Kumar nya. Teu kuat” Ceuk Mang Aduy bari muringis. “Heug atuh” ceuk Onah bari ngaléos ka dapur. “Eta wé kadé poho obat nu kamari inum deui. Mun lapar, titah si Elin ngahaneutkeun sangu jeung deungeunna.” Ceuk Onah. Méméh mangkat, Onah nyingkabkeun hordéng kamar budakna “Elin, kadé Bapa manéh bisi rék dahar, panghaneutkeun!” Ceuk Onah bari muka panto hareup. Laju kaluar. Leumpang gagancangan muru péngkolan jalan. Langit cangra. Mang Aduy katempo nyingkabkeun hordéng jandéla. Sora manuk récét di luhur suhunan. Sora angin. Sora ranjang rerekétan. Sora kalakay murag. Jempling sajongjonan. Haseup roko nyerebung ti jandéla kamar Neng Elin, balucat-balicet katebak angin. Sakapeung sora nu nginghak silih tembal jeung sora hayam...

MI..

Kénging Iik Setiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 10:03:22

“Bah, pangmarioskeun PR basa Sunda lah!” Incuna nyeuleungkreung nyampeurkeun akina. Ngagigiwing buku.
“Bacakeun wé, sok ku Abah dibandungan!“ Akina jongjon maca koran embung kaganggu.
“Miboga, miéling, micinta, naon deui nya...?Eu...minangsaraya”
“Lepat. Minangsaraya mah, sanés kecap kantétan. Pilarian deui!”
Akina embung kaganggu. Tamba teu nembalan teui
“Miindung, mibapa, mikalandep, mikahayang. Leres nya...?”
“Ih beuki pinter incu aki téh. Sok teraskeun deui...!”
“Atos ah, cekap”. Tembal incuna. Buku PR Basa Sunda ditutupkeun diasupkeun kana tas.
Incuna nyampeurkeun. Gék diuk dina lahunan akina. Milu maca koran. Macana diejah, ditarikkeun.
“Miranda Masuk Panjara KPK. Asik... kenging sakecap deui”.
Incuna atoh. Akina ngabelenyeh. Sarua milu atoh.

TILU MINGGU

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 09:52:48

Kuli bangunan meunang tilu minggu, ngadon ditipu ku mandor. Batan meunang gajih ngadon nombok kasbon ka Si Amih Warung. Tungtungna balik ka lembur jadi pilihan.

“Har geuning Akang tos mulih?”. Kuring nanya ka Kang Herman nu keur ngahuleng jentul di tepas imah.
“Muhun geulis, hampura akang teu hasil pakasaban, dalah ditipu. Kamana budak..?”.
“Si Enéng tos obo salirana teu rérép-rérép tos tilu minggu Kang!. Nembe ku abdi dibaluran daun bawang. Gas tos séép, listrik bayareun, beas kantun sacangkir, kumaha atuh kang?”. Kang Herman batan ngajawab kalah ngbalieur.
“Enya ké, Akang rek balangsiar heula”. Teu kungsi reureuh, Kang Herman ngingkig indit teuing ka mana.

Tilu pelor nyayang lebah dada kenca. "Mun teu eleh kesit aya bahan kuring tiwas ku bangsat motor nu diincer salila tilu minggu". Gerentes Briptu Rahman. Bugang dipariksa, dibuka KTP tina dompetna, aya ngaran Herman Suherman, S. Pd. I. Alamat Kp. Bantarcaringin. Réngsé laporan ka komandan, gura-giru manehna mulang ka imah manggihan anak pamajikan nu ditinggalkeun tilu minggu melaan tugas nagara.

NU KEMBA BATI NGAGEURI

Kénging Yuharno Uyuh ONod
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 08:38:04

"Silaing mah, patut teu nganjuk, rupa teu menta..," Ceuk Wa Hasan. Naha bet miyuni hayam kabiri..,!" Pokna deui. Dikitukeun teh, teu hayang nembal, da rumasa. Geus tilu awewe, nu dipikahayang, ngan-lapur jeung lapur. Sugan we, ka Nining mah kabiruyungan. Beda dina teuteupna, dilakna, pasemona bangun nu mere harepan. Kring.., Hp disada, geuwat dibuka. Dumadakan hate ratug tutunggulan. Es,em,es diilo. "Mung Engkang, nu anu teu weleh nyarengan Nining, dina tutung simpe, teu dikebatkeun " Bray, hate cangra, teu kaampeuh, bakat ku bungah, Kuring surak, ajrag-ajragan. Es,em,es diilo deui. "Engkang mah, harianeun, nyasaak hate Nining.., kapaksa Nining nohonan kapalaya sepuh. Sasih payun bade nikah. Hek, aya nonjok kana angen, leketey, pluk, hp murag. Teu karasa aya nu ngamalir haneut maeusahan pipi..

MABRA

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 07:54:38

Ambar uyup-ayap kana palang. Gap kana botol minyak. Leungeun mapay-mapay ranjang. Nu nangkub dirurub simbut dicampa palebah suku. Leungeun Ambar ngoléskeun minyak. Dampal suku disasar nepi ka keuneung. Jempolna neueul kana tungtung indung suku. Haté Ambar museur ka nu Murbeng Alam. Ceuk batur manéhna lolong. Manéhna masih bisa nempo ku haté. Leuwih seukeut paningal batan panon. Seukeut pangreungeu. Lain saukur ngadéngé ku ceuli tapi ogé ku haté. Ayeuna ngan hiji nu jadi kahayang Ambar. Mindahkeun nyawa ka diri anakna nu teu hudang-hudang geus tilu poé.

DONGENG SANGKURIANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 07:44:05

Kahayang manehna pikeun lalayaran geus teu katahan, angen-angenna miheulaan ngajaul ngambah talaga rena, kaendahan sesetra rasa ngambah kalangkang nu jadi indungna, ngeusian harepannana pikeun ngambah rumah tangga jeung nu jadi indungna.

tanaga rosa nu dibarengan ku kasaktiannana nu pinuh ku galura birahina, ngukir parahu ku ungkara katresna, bari dicaangan ku baranangna bentang, manehna terus ngukir parahuna ku salaksa rasa, bari nyieun salaksa pangwelah pikeun muru mumunggang kabagja.

Aya kahariwang ti nu jadi indungna, laju ngebutkeun boeh rarang, angen-angen manehna ngadadak kiabawa gulungan ombak alatan bedahna bendungan, parahu kabubat-babet neumbagan batu-batu karang, laju ditajong bari ninggalkeun birahina nu palid teuing kamana

MULANG

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 05:48:35

"Assalamu'alaikum...". kadéngé aya nu uluk salam.
Teu tulus rék ka cai téh, léos ka hareup. Kolotrak, panto dibuka.
Bray. Hawa subuh séséléket. Rét ka tepas, euweuh sasaha.
Los ka buruan, lebeng. Dikotéktak dipipir imah, suwung.
Bari muncicid, balik deui ka jero imah, dituturkeun galindeng
nu iqomah. Kadéngé hawar-hawar.

Panto tuluy dipeundeutkeun deui, bari teu weléh mikiran.
Barang malik, gebeg ! aya nu keur diuk dina korsih.
Beungeutna, awakna, pakéanana, teuteupna, sarupa pisan jeung kuring.
"Kuring balik...," pokna halon bari neuteup. Leleb kacida.
"Wa'alaikum salam...," kuring ngawalon. Sarua halon.

GEURA ISTIGHFAR

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 03:35:14

bihari memang teu sarua jeung kiwari
bihari endah bisa jadi bodas nyacas
kiwari endah bisa jadi kulawu abu-abu
kulawu abu-abu bisa jadi matak linu

kulawu alatan aya bodas nyacas
abu-abu teu weleh niruk mamaras
hideung ngotoran ngeplakna bodas

mun bodas hayang tetep nyacas
sangkan nyacas teu jadi koleas
istighfar sangkan hate tetep bodas

UTAK UTEK

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 03:25:42

Balebat ngabaracak ti belah wetan. Cika-cika ting arenyay nyaangan mongkleng hatena. Itu meureun kingkilaban matapoe. Lamun geus cunduk waktu, naha aing lahir atawa maot? Awal akhir? Sabab angger euweuh anu tahan ku peot, buruk jeung paeh.

Geus leber ku galungan saban usik. Cik atuh..ari dina pangsujudan mah hate ulah milu galungan. Cacakan beungeut anu sakitu dimumulena, dirapetkeun jeung lemah. Ari tempat kaluar kokotor aya diluhur. Euweuh hargaan sabeuleugeunjeur awak manusa. Ukur galindeng jeung bedahna talaga wening anu jadi saksi. Nu bisa ngangkat darajat tulang, daging katut tai-taina.

"Anaking Sangkuriang..geus waktuna anjeun balik. Tong loba deui anu dipikiran. Ambu menta dihampura. Geus ngajadikeun hidep jiga kieu. " lalaunan cengkat. Tapi anu kadenge ngan hiliwir angin janari.
"Dagoan...Ambu...!!!"

Manehna ngabelesat nunggang angin. Karasa hampang. Ari ngalieuk katukang, ragana angger sujud teu incah ti hareupeun Ka’bah.

TANGKAL KALAPA

Kénging Iman Ahmad Aziz
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2012 01:09:00

Tukang angon nuju nutu beas di hareupan bale nyungcung, dipiwarang ku wa haji kanggo pangaosan Rajaban di masjid, diajeng-ajeng na ajengan ti puser dayeuh.
Ti wanci sareureuh kolot nepi ka wanci carangcang tihang lungsur hujan , tuturubun tukang angon sabari mawa kalapa kolot , jalanna leueur , bruk sirah kajeduk tangkal kalapa.
Wayahna Banda tatalang raga....

(lagi belajar basa sunda)