Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Méi 2012 (55 Naskah)


LALAKI NU MULANG JANARI

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 23:56:32

Rambut kulimis ku reumis janari, awak jangkung langkoyang diwuwuh ku ragasna waruga jeung umur nu meh sareupna. Ti isuk jedur nepi ka wanci peuting ngagayuh kabeurang ukur meunang sakeupeul sangu jeung sakeureut daging. Kukuh pengkuh najan pakasaban ukur ngorehan runtah narah mun kudu jajaluk dahar tina sih piwelasna nu lian. Reg ngarandeg palebah jambatan nu caraneom, neuteup ka sisi kenca si nini masih ngalempreh ditalikung panyakit tur dibeubeur ku rasa lapar."Hampura nini kami teu beubeunangan teu bisa meuli obat, ukur ieu nu bisa kabeuli, dalah kami ge poe ieu mah teu manggih dahar" gog cingogo awak si nini digeubigkeun tetela geus oyag kabeh. Gabrug si Aki ngarangkul waruga si nini nu kari banusan, leketey les si aki kapiuhan. Janari nu jadi saksi, duka saha nu kudu tanggung jawab jaga dipayuneun Qadhi Rabul Jalil dina mangsana balitungan.

ARJUNA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 23:22:33

Ngudag angen-angen nu jadi tekad kakuatan niat lengkahna jadi kakeyeng malahmandar jadi pareng, dibarengan ku ucap lampah nu pinuh kajujuran pikeun meresihan jiwa malahmandar seukeut batin bari pinuh ku karumasaan, gerentes atina teu weleh ngageuri, alatan katresna teu weleh nyamuni dina kasalingkuhannana.

NU LEUMPANG DI NU CAANG

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 22:48:49

( karya: Bah Dadah Hidayat)

"Assalaamu'alaikuuum !" ceuk tamu, uluk salam.
"Waalaikum salaaam. " tembal mang Kemed katut istrina ti jero imah. Bray, panto dibuka ku mang Kemed.
"Aeh-aeh, haturan Alo. Naha wayah kumaha angkat ti Lembur ? Yap, Jang ka lebet! Umi, punten pangadamelkeun kopi."
"Mangga."
Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, barabat alona nerangkeun karerepetna.
"Emh, hawatos temen. Boa isuk pageto mah Emang nu baris ngalaman sapertos kitu teh Lo ! Sabar nya. Insyaalloh ku Emang di bantos. sabaraha saurna peryogina teh ?"
"Saur pun bapa mah sapuluh juta, margi waragad operasi jaman kiwari mah awis, Mang. Nanging saur pun bapa teh, kanggo pimayareunana teu acan kabayang. Tapi hawatos ka pun adi, unggal dinten gegerungan wae. Saur dokter teu aya deui jalan iwal ti dioperasi."
"Na make ngemutan mayar? Pangna Alo kadieu teh panginten ngemutan nu teu damang, leres teu?"
"Leres Mang, tapi......."
"Kanggo Emang teu aya tapi. kadar rijki, aya sareng teu aya. Ke rada siangan urang ka bank. sok ayeuna mah ngopi heula tah."
Tina suruputna nu nginum kopi, aya sora, teuing ti mana asalna nu ngagalindeng mapay cahya nu sumirat ti belah wetan. Bray, alam cangra. Nyaangan nu leumpang ka bank.

Sukabumi, 18 Februari 4:50

NU NYINGSAL TINA AISAN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 22:03:23

Haji Salam gering, ngocoblak. Saurang oge teu ngarti ngomongna
Gegerendengan nyebut hiji ngaran, ngaran saha?
Bari rénghap ranjug, napasna méh béak, angger ngocoblak nyebut ngaran
.Saminggu dirumah sakit, dokter teu sanggupeun, dibawa balik.
Héran, malaikat Izrail can nyabut nyawana.
Tiluan pamajikanana, jeung salapan anakna, kemit gentenan baganti, bisi ngomong warisan, Kabéh siap, lamun babagi waris teu walatra, rék paséa.
Kuring cikal ti pamajikanana ka hiji, karék datang, nu gering ngagupayan.
Ngaharewos hiji ngaran” Saodah.” Kuring apal “ Saodah”. Imahna tungtung lembur, boga anak awéwé, Aminah, geulis, kuring naksir. “ Ceu Odah, dihaturanan ka rorompok margi pun bapa sasambat ka Ceuceu, hayu urang kaditu ayeuna”
“ Sawios Cécép, Ceuceu mah ngadu’a wé tidieu, mugi rama enggal walagri”
“ Ceu, jujur ka abdi, saleresna Ceuceu sareng pun bapa aya naon!? Cocoanana?”
Ceu Odah cipanona murubut.” Ceuceu wakca ayeuna, Ceuceu budak Haji Salam pangcikalna, sabab baheula dijurukeun lain wayah, Ceuceu dirorok ku batur, Cécép adi teges Ceuceu”

SÉMAH ISUK-ISUK

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 21:52:23

Beresih. Éta nu pangheulana katambul ku panon téh. Béda jeung baheula, caludih. “Kuring geus manggihan jalan,” pokna basa dipuji kaayaanana kiwari. “Nu matak ka dieu téh rék ngajak anjeun.”
“Ngajakan naon? MLM?” Tanya téh. Geus teg baé ka dinya, bakating ku remen ditawarkeun ku nu salila ieu nyarémah.
“Bener. Tapi ieu mah MLM ahérat. Anjeun rék diajak jihad merangan kaom kapir. Mun bisa ajakan ogé nu séjén. Pahala baris ngagolontor sapanjang jalan pangbalikan…” tuluy ceramah ka dituna mah. Sorangan, ukur bisa unggut-unggutan.
“Kuring mah mélaan ninggalkeun anak pamajikan keur ngudag sawarga téh,” kitu tungtung hutbahna.
“Tah, ayeuna mah jig geura mulang. Kuring rék jihad mélaan anak pamajikan!” pok téh bari cengkat muru lawang panto. Mangmukakeun jalan manéhna.

TEUNGTEUINGEUN

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 21:37:57

Eta kader teu iyeuh bosen dititah ngadata itu ieu, nu patali jeung kasehatan timimiti kulawarga, orok, budak, indungna, anu bureuyeung, lingkungan, jeung jamban, sumber caina, bersih henteuna. Tepi kalieur hiji-hiji ditataan, didatangan unggal imah. Komo anu geus kolotmah teu katinggali aksarana ogè , tapi kudu digawèan dileukeunan. yeuh keur meuli pulpen sa RT sapuluh Rèbu pokna. Beu sapoè paling tilu imah? Teu malirè pisan ka kader Yandu tèh, ngababarikeun pisan.
Mujikeun untuk ku daraèkna gè.

BURAHAY LANGIT SYRIA

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 21:34:02

“Hasan! Hasaaan…!” Mahmoud nyorowok nyalukan batur sabangkuna. Euweuh jawaban. Haseup jeung seuneu minuhan rohangan kelas. Sora tinggeleger. Jagat oyag. Seuneu nu ngabebela, ngaguruh ngaduruk sakabeh nu kalentab. Tembok kelas tingburulu. Haseup mulek awor jeung kebul moekan panenjo. Hasan teuing dimana. Euweuh waktu keur Mahmoud pikeun neangan Hasan. Bareng jeung rugrugna wangunan kelas, Mahmoud norobos kaluar bari dodongkoan, ngajauhan pasolengkrahna ruruntuk wangunan nu harurung. Isukna kabejakeun, topat-puluhan nyawa ngalayang.

Mahmoud nyarande kana tangkal kanari, nyawang langit Syria nu burahay, mugurkeun pucuk-pucuk zaitun, rummaan jeung anaab. Minggu kamari, adina nu sumedeng lucu, geus dikurebkeun. Leungeunna buntung, awakna tutung. Indungna sababaraha kali kapiuhan. Bapana geus tilu poe milu jeung pasukan anti-pamarentah-Asad. Taya bejana. Mahmoud jeung indungna kudu geuwat ngungsi, bareng jeung tatanggana.

Bada subuh, saperti biasana wiridan tuluy ngado’a, keur dirina jeung indung-bapana. “Nun Gusti,” ceuk Mahmoud. “Oge salametkeun dulur-dulur abdi kaum muslimin, dimana wae ayana. Sanaos maranehna teu malire ka abdi.”
[]

BEUNGEUT

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 21:26:21

Leuwih ti lima taunna teu dipaké. Eunteung nu ngagantung di juru geus kabulen ku ramat lancah jeung kekebul nu ngadagleg. Siga aya nu ngahiap, manéhna nyampeurkeun eunteung. Ramat lancah disinglarkeun, kekebul dikeprukkan. Laju dungdak-déngdék, ngeunteung. Reuwas. Naha beungeutna semu hideung ? Crot…, eunteung diciduhan. Gap kana tisu. Sret…, dilapkeun. Melong deui eunteung. Beungeutna angger hideung, malah leuwih jelas hideungna batan tadi.
“Beungeut kuring gambaran haté anjeun” ceuk nu aya dina eunteung. Teu kungsi lila beungeut dina eunteung manjangan, badis cucurut. Ganti rupa deui…, jadi anjing. Babi. Monyét. Maung. Di jero eunteung siga kebon binatang. Awakna ngeleper. Késang ngagarajag.

Peleték…. Eunteung tingpeleték. Renghat. Tina renghatanna nyakclakkan getih beureum semu hideung. Beungeut dina eunteung ramijud pulas beureum.

RÉKAMAN BLACK BOX SSJ 100

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 20:57:33

“Mang kiri di payun”.
“Montong di dieu sia téh bisi piomongeun Amérika Jeung Rusia, mun rék turun ké di Gunung Salak..!”

KUNCÉN SUMUR TUJUH

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 20:22:44

“Pun sapun kanu Maha Agung, Pun sapun kanu boga lembur, Pun sapun kanu boga sumur, kula nganteur urang dayeuh ti kajauhna. Hayang pangmindingankeun diri, pang nutupankeun raga, pang mareumankeun codéka, tina unggal hakim nu deuk nyidang, tina unggal jaksa nu mirusa, tinu kasus nu nalikung”.

Kuncén bacéprot, nyapunkeun niat, nganteur pamaksudan bikang ginding jasa, nu andiprek gigireunna. Si Bikang tungkul sadrah pinuh kayakinan, bisa leupas tina masalah, bakal bébas tina tungtutan, bisa deui ngadiukan korsi parlemén, disebut terhormat deui.

Sumur Tujuh bakem, taya tirta ngaburial, teu doang nyapunkeun biasa. Tatangkalan Gunung Karang ngabigeu, teu muragkeun kalakayna, tandaning pangbagéa, korét jasa, doang teu resepeun kanu keur dianteur Ki Kuncén.

“Naha taya nu robah, naha taya tanda, mana ilapatna, naha béda ti cénah?” nu ginding gulinggasahan. Kuncén ngoprot késang, jangjawok geus satolombong, jampé geus cayutan, pangemat geus katian. “Taluk Bu Déwan, kasusna beurat jasa” sora kuncén jadi wibawaan.

BATARA KRESNA TIWIKRAMA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 20:09:14

Guludug ngaguruh, geledeg tingbarayay ngagonjang ganjing rurujit hate, napsu ngarobah raga jadi danawa nu ngawasa jagat, gejlig lengkah panceg nguwak-ngawik angkara, niat rosa nete hambalan nu hakiki, pikeun ngabasmi rengkak korupsi nu dikawasa ku tirani, malahmandar nagri gemah ripah kawas bihari.

CEURIK ANJANI-2

Kénging Akang Uluz
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 19:52:44

TEU WASA ningali salakina jeung Shinta ngumbar birahi hareupeunana, Anjani ngabeubeutkeun panto satarikna. Rahwana jeung Shinta patingkorejat ngadenge ngejelegerna sora panto, maranehna ngadadak ngeureunkeun igel kamasutrana.
"Duh..., kumaha ieu teh kang?," tanya Shinta ka Rahwana bari narik simbut. "wwwrrrrr puih, e e Shinta, saha nu tadi teh ?," ceuk Rahwana malik nanya. "Kakang..., nu tadi teh Anjani, bojo kakang !!" tembal Shinta sorana ngageter bari ngadegdeg nahan era. Rahwana ngadadak pias, beungeutna jadi pulas kayas.

KICIMPRING

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 19:36:42

Sampeu mantéga ngahunyud di juru dapur. Hiji-hiji dipesékan. Si Cikal jeung nu panengah bagéan marud. Lalaki mah najan can sawawa sok bedas tanagana. Kuring jeung si bungsu bagéan nyitak dina turub panci almunium. Mun geus reuteum, dirungkupkeun kana aseupan nu nyelegon dina sééng tambaga nu nyéngsréng. Sanggeus dipindahkeun kana nyiru, dipoé, tuluy digoréng, dibungkusan. Bari sakola, barudak marawa kicimpring jualeun. Alhamdulillah, kicimpring geus nganteurkeun barudak yatim naramatkeun sakolana, oge nyampurnakeun rukun islam pikeun kuring.
“Nyanggakeun, Bu Haji,” rada ngarénjag, mireng Mang Darsim mikeun duit téh. Kicimpring siap diiangkeun ka Jambi jeung ka Palembang, sanggeus minggu kamari ngirim ka Bali jeung ka Lombok.

HAREPAN NU KABACA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 19:01:52

Asa cararape pisan sadidinten teh, alhamdulillah jam genep oge tos sagala rengse,beberes rengse, nyeuseuh rengse, ngumbah wadah, nyetrika, masak dugika ngelapan kaca tos sadayana rengse ku si bibi. Gap kana koran nu ngagoler di meja makan, p.wb.10221, gadis pemalu keturunan sunda asli;usia 46 tahun;agama islam ; pekerjaan PNS;penghasilan lebih dari cukup; pendidikan S-3; domisili bandung; tinggi badan 165; kulit putih; rambut hitam; wajah lonjong ( cantik).
Mencari suami: status perjaka atau duda; pekerjaan apa saja yang halal; pendidikan minimal S-I; usia sekitar 40 -60 tahun; sifat penyabar.
Gap kana HP, " ayang I love you so much muach... ", klik Hp dipareuman, bari melong kaluar jandela aya nu nyereset kana hate geuning sagala nu tos dipimilik mah seseringna dimomorekeun, astagfirullahaladzim rumaos sok jejebris asa pangdipikacintana, cag ah isin heu heu.

DAHAR NIKMAT

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 18:49:20

Baheula keur kuring leutik, indung kuring sok masak hampas kecap dioseng dihijikeun jeung cabe gendot atawa cabe hejo campur cabe beureum disiksik, ngarah alus katempona jeung ngarah lada. Nganjang ka nini aki meh unggal poe deuih nganjang teh. Eta mah mun ningali keun tuang siga nu nikmat pisan, teu pira goreng tempe haneut dicoelkeun kana sambel kecap Majalengka cap potret atawa merekna teh mun teu salah mah kecap no,1. TJIA TJOEN TENG, baheulamah teu rea siga ayeuna, atawa sareng hampas kecap tea, atawa sareng sawud kenging ngadamel nini, eta pasakan teh turun ka indung kuring. Pleng we kuring ngumbara milu jeung kolot pindah pancen gawe ka jawa wetan pleng we kuring ge poho tah kana katuangan nini aki teh da diditu mah teu aya, nu sok manggih teh tempena we. Sanggeus kuring gawe aya sobat aru mulang kalemburna sok rajeun mawa hampas kecap, duh da mani dirawu atuh, malahan mah sok pesen dipangmeulikeun. Ari ayeuna aya tatangga urang Majalengka aduh mani mobok manggih gorowong bari dipangmasakeun.
Duh moal aya we nikmatna.

TEKA - TEKI

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 18:02:00

Nèng Elsa geus sabulan teu geunah hatè, komo nempo kalakuan rencangna asa beuki ganjen.Kitu deui carogèna mani perhatian pisan ka manèhna. Rek nanyakeun ka salakina , bisi ambek.Geus kataksir naon jawaban ti salakina meureun kieu,na teu kira-kira nuduh tèh ka pantar si Anah.Rèk nanya Anah asa gararèngsi kudu bersaing jeung badèga. Keur anteng ngoprek laptop aya kiriman kana inbox tuluy di buka,euh ti ustad Syamsuri geuningan.Leuh mani panjang ngeunaan anu zinah jeung akibatna.Tuluy di print da geus jadi kabiasaan sok dilenyepan ari keur salsè,kertas meunang ngeprint di tunda luhureun bupèt. Isukna Anah rawah-riwih ka mitohana Neng Elsa susumpahan teu ngalakukeun nu teu uni . Neng Elsa kur ngahuleng hemeng. Basa keur masak di pawon Neng Elsa nanya ka Anah,"Aya naon Anah,ku naon kamari ceurik laporan ka ibu.Na ku kami di kumahakeun didinya ?".
Si Anah ngagoak ceurik bari norolang nyarita mastikeun dirina teu ngalakukeun hal teu uni.
"Na atuh ari manèh teu rumasa mah makè kudu ceurikjeung rariweuh!"ceuk Nèng Elsa nyumputkeun kapanasaran hatèna.
Panon si Anah mani curinghak, l"leres ibu teu bendu ka abdi?". Neng Elsa godeg tuluy ningalkeun Anah muru ka mushola nenangkeun pikir....

UJUB

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 17:26:13

Mun kuring jadi manehna. Sok sanajan rupa kuring jajar pasar, tapi ieu uing uyah kidul, atuh pagawean aya, barudak geus galede geus maracakal. Padahal tadi subuh-subuh saur ustad dina TV teu meunang ujub sombong teh.Tapi da nya kitu asa mangnyerikeun. Lalaki teu boga cedo teu era ku budak nu sakitu balageurna.
Kuring mah ah rek tutulak we , bajuna urang buntel ke ari datang alungkeun kaluar sina dibawa.
Sigana tumaninah nya.

SKETSA

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 16:36:55

Tetelar lapangan Gasibu. Koas leutik rikat nyatetkeun objek dina kertas bodas. Gurat lempeng jeung melengkung dibereskeun ku mangsi China. Patlot conte kabagean ngarekam tangkal nu ngarunggunuk di unggal juru. Janggelek sketsa Gedong Sate nu gagah.

“Anjeun teh keur diajar ngalatih replek jeung sensitivitas?” Hawar-hawar gambar ngaharewos. “ Sarua kuring ge keur ngagambar. Nyieun sketsa hirup huripna ki sunda. Sketsa perlu pisan keur kuring mah, meh saimbang hirup. Ongkoh sketsa nu dijieun ku kuring mah nu jadi dumasar kawijaksanaan pikeun kasundaan.”

Sketsa ditelek-telek. Tiiran sate leungit. Gagantina curuk nu keur nunjuk langit. “Tuh nu kawasa keur nyatetkeun rengkak saparipolah urang”. Sketsa dakdumadak hiber kaanginkeun. Ti jauhna katangen aya nu gegeleberan dina tungtung tiiran sate.

PANDU NGAHANJU

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 16:31:48

Dina buleudna bulan. Aya tulisan nu ngarungkup saban sugan, nu marakayangan séséléké noélan boa teuing. Tingsulusup nyerep ka tiap-tiap siga, mencar nyéwu-madhab, mageuhan sakur-sakur palangsiang. Tingkaretip eunteup di kabéh pencelut embun-embunan. Sanggeus ngabungbang silanglang dina sagara samar-samar, sakedapan eureun, reureuh di antara ngadalingdingna kembang nu sumedeng ligar, diwirahmaaan tembang katresnan. Halimun birahi ngalimpud sakabeh angkeuhan, bareng jeung gumebyar endahna sakaratul-pati []

NU NGAGEURI ALATAN AIDS

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 16:14:29

Bari nagkeup tuur Jang Andi ngeclakeun cimatana. Manehna pasrah, pasrah rek kiitu kiieu ge ditarima, enya lantaran dosana, mamalana ayeuna geus karasa, jaba era, enya lain manehna bae nu era teh, dalah indung bapana, lanceuk-lanceukna, adi-adina, malahan barayana kabeh geus diera-era, diwiwirang ku manehna.
Bari nyusut cimatana, gerendengna kadenge peura. "Gusti...., nya Anjeun nu ngusik malikeun bieu raga, sok sanaos ieu raga katerap AIDS, pamugi Salira nyabut nyawa teh disarengan ku kanimatan nu teu kinten endahna, sok sanaos tebih tina kecap Sahid fi Sabilillah, namung pamugi Salira teu ngantep ieu raga nu tos dikantunkeun ku nyawa, lumebet ka naraka....."

BASA GUNUNG BITU

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 16:06:02

Baju bodas lawon balacu, ngajiripit meunang nyetrika, dikepret ku aci kanji. Calana bulao, pulas panci. Rap, dipake.
Kewes! Dungdak dengdek hareupeun eunteung. "Gening! Meni rebun keneh, Jang!," ceuk Ema, ngarongheap ti pangkeng. "Dinten senen, Ma!, Bagean naekeun bandera," tembal kuring Jongjon ngagolep.
Geleger! Geleger! Sada sora guludug, kadenge atra. Ema muka jandela. "Beu' Jang! meni meredong, pihujaneun." ceuk Ema bari nutupan deui jandela, aya kasalempang dina hatena.
Beuki lila, beuki tarik sora nu gegelegeran. Jrut turun, diluar meredong, langit ngalengkob hideung ngarungkupan jajalaneun.
Burinyay! Geleger! Sorana beuki kerep. Tukangeun gunung aya nu ngabedega ranggoas hideung. make jubah beureum.
Keretek simpe, sado teu katempo. Kuring ngeureuyeuh nikreuh sabatur-batur. Teu burung anjog kaburuan sakola. Teu kungsi lila, panon kesed. Nungabelegbeg hideung rayrayan ngabodasan. Puruluk, lebu patingpuruluk. Kabeh asup rohangan. Bandera teu ditaekeun, baju bodas katembong gading. Pabeubeurang ribut, pating kecewis gunung Galunggung bitu. Murakeun eusi beuteung na.

GEURI IBU PERTIWI

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 15:45:04

imut salira nu kapungkur manis, teu weleh awor dina warna-warni katubiri, sok komo pami pendak sareng garis lintang khatulistiwa, tangtosna sok enggal silih umbar sareng endahna bulan nu sumirat cahya nu caangna kamana-mana.

Namung ayeuna, aya keclak cisoca awor dina cumalimba, alatan biru malih warni janten kulawu, subur mamur duka kamana ilangna, uwung-awang teu weleh ngeclakeun hariwang, sok sieun jaga, aya anak incu leungiteun nagarana.

KEUR MIKIR-MIKIR

Kénging Ahmad Faisal Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 15:03:34

Peuting kamari mah hate geus buleud, jigana ieu mah bener kudu kawin deui...

Peuting kamari, basa balik ribut ti pamajikan nu katilu.

ARIT

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 14:51:56

Marki ngusap janggot anyar. Menekung di saung. Doran, kored, arit. Arit. Sret. Arit disabetkeun. Rampung saban nu kasabet. Sasimpreng-sasimpreng. Marki mapay galengan. Numpurkeun jukut. Teu kungsi lila carangka pinuh. "Seukeut, Jang!" cek Marki ngasongkeun arit kanu bogana. Budak angon olohok. Nenjo aritna, nenjo carangka nu geus metet. Marki ngagambar arit dina taneuh beureum. Budak angon milu nagog. "Mana jukutna, mana dombana?" cek budak angon. Marki kalah nyodorkeun batu asahan. Budak angon ngasah arit. Ngagenclang seuseukeutna. Gurilap. Gurilap abdas. Marki ngaleos neangan tajug. Rek ngasah arit nu lian.

DI JURU TAJUG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 14:30:09

Peuting geus simpe, sora jangkrik ngageuri, di juru tajug nu bilikna geua ayud, Ki Armanta sila mendeko, jempol leungeunna katempo utek-utekan, ciri keur ngitung wiridannana.
"Gusti...Nu Maha sagala-galaNa, mugia Salira kersa nyampurnakeun jisim abdi salaku manusa nu pinuh dosa, jalaran jisim abdi sanes setan mindarupa, sok sanaos sanes Nabi, sanes malaikat, rumaos jisim abdi teu weleh lepat nincak, nyorang lalakon teu weleh elodan, mugi Salira masihan hidayah malahmandar jante manusa nu taqwa ka salira......"
Simpe, jangkrik beuki ngageuri marengan renghap napas bangun nu eungap.

BALÉBAT

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 14:00:00

Ngalangeu dina dék kapal. Nanggeuy gado nyawang sagara. Nyindekel kana galangan kapal. Angin laut nyéor nyingraykeun buuk ririaban. Nyambuang aroma cai laut nu teu weléh ngabéngbat. Balébat ukur ngolébat. Birat luncat kasuntrungkeun matapoé. Lir bola seuneu nyurungkuy dina beuteung laut. Merejel ngahuru budah laut. Langit ngempur burahay neumbag beungeut sagara. Tingburicak marakbak lambak oyag-oyagan. "Paingan turis daék datang ti jauhna!" Ukur hayang nyaksian meletekna srangenge. Da geuning sakitu matak kelarna. Sabubuhan camar tingkalayang ngabageakeun mangsa isuk. Aya nu ngangkleung ti kajauhan. Rada anggang tina jajalaneun kapal. Beuki lila beuki atra. Boa enya! Eta kitu nu keur ditéangan? Jiga enya! Jiga peti leutik nu dipalidkeun ku Aki duapuluh taun ka tukang. Hanjakal jauh di sagara nu hamo kadongkang.

NU LEUNGIT

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 13:37:44

Tengah peuting keur meujeuhna sepi jempling, bet hawar-hawar ngungkung sora gamelan. Asa jauh, tapi atra. Bari ka cai kuring nginget-nginget sugan aya tatangga nu boga hajat. Lebeng! Ah, dug deui, wé. Isuk-isuk kuring gujrud alatan leungiteun péso. Aya sapuluhna péso téh. Nu leungit bet nu dipikameumeut pisan. Péso sténles nu congona méncos. Gagangna gambar kembang samoja. Hayoh kokotéténgan, angger teu kapanggih. Rahuh wé. Dampal leungeun diteueulkeun kana dada. Karasa aya nu nongtak jeung asa peurih. Kulutrak salaki datang. Lalaunan mangnyabutkeun péso nu nyangkéré na lulurung haté. Nyésakeun seuseukeutna.

DONGENG PUTRI AZURA JEUNG SANG SURYA

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 13:12:42

Tengah poe, langit nu tadi ceudeum, kaangin angin, mega hideung tingkolesed mere waktu ka Sang Surya pikeun nyaangan buana nu keur alum. Nagri nu kalimpudan halimun ge nguliat. Bray...bray...poe karek caang padang, Putri Azura nu ngagebra tibra, kageuingkeun, ngagentak cengkat, pameunteuna katingal bangkenu ngaraos kaganggu ku Panonpoe.” Hey, naha andika wani-wani ngaganggu kula!” Putri merong ka Sang Surya, kerejep Sang Surya ngerejep mireungeuh putri murka,” Hahahah… tanghi Putri …ulah ngarengkol bae!”. Putri Azura kumerot ngadangu panggeuing Panonpoe, tuluy ngagebeskeun pananganna nu bentik ka arah panonpoe, “ Tong mamatahan kula…!”, Panonpoe ngacleng nepi ka nyelegon kana langit, mega mega hideung suka bungah, midang deui.” Putriiii, rek dikumahakeun ieu nagri mun pangeusina talibra wae!”, Sang Surya ngagorowok, tapi sorana katewak ku mega hideung, lep dibebeskeun kana pabetekan. Putri Azura tos nundutan deui.

KDRT

Kénging Meyz-Moelz Meliawati
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 13:00:28

Basa manehna ngancam, aya baygon dipaksa sina diinum, terus dibungkus dialus-alus, dicacag diwalang-walang, direrab luhureun ruhak, bet jadi hariwang, bluk sujud, malah mandar diraksa dijaga ku mantenNa.

MENU LANGGANAN

Kénging Meyz-Moelz Meliawati
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 12:52:36

Di rumah makan sasari, kuring pesen sapotong bulan nu diawuran ku baranangna bentang, barang rek am, angen-angen nu lalumpatan.

TENDER….

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 11:27:14

Poé ieu, maneh jadi Anjasmara. Maneh jadi Cut Tari. Maneh jadi Afgan. Briefing. Saacan indit nyerahkeun dokumen tender. Jog, ka tempat ngasupkeun dokumen, aya limaan. “Aya musuh dua euy!” Anjasmara ngaharewos. “Kalem, usulan biaya nu uing geus dibanting 80%” tembal Afgan, Sadis. Cut Tari, anteng melong Panitia Tender nu jiga Ariel.

Mimiti dokumen teknis dibuka. “Sah..!” saur manuk. Laju muka dokumen biaya, anu matak degdegan. “Jier, musuh ngabanting 70%!” Afgan, kaluar kesang badag. Anjasmara ngalempréh, teu walakaya. Panitia nu geus meunang panjer, burahay beungeutna. “Eta, Materaina teu ditanggalan!” ceuleungkeung Cut Tari. Hal teu pira, matak bungah kabéh jelema….*2.

SARUA

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 11:23:44

Harepan, nu kungsi lila nyayang dina hate Dirga, ngadadak ngencar lain mangsa. Sore eta mimitina. Mangsa panonpoe tunggang gunung, di hiji saung tempat maneuh duaan patepung lawung.
Kania bet milih sobatna, Kanda. Balaka bari murubutkeun cimata. Dirga bati meper rasa nu motah jeroeun dadana.
"Jigana enya, Kanda mah leuwih pantes jadi lanceuk akang," Dirga malieuskeun teuteup ti nu nyegruk hareupeunana.
Panon Dirga nyawang panonpoe nu rek mulang. Batinna sumoreang, inget kana inghak nu kadenge mangkukna. Inghak nu menta tanggung jawabna. Kedalna ti biwir Riska, adina Kanda.

RAPAT DIRÉKSI

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 10:58:48

Rohangan nyecep, 'condition air' ngahiliwir. "Ulah Udud!" ngajeblag dina panto. "Penjualan turun nyeceb!" lapor pemasaran. "Palanggan urang nu umurna di luhureun 40 taun mimiti muruluk, narancebkeun padung". Data murudul tina proyéktor, Dirut, unggut-unggutan. "Promosi, laporanna!" cenah tandes. "CSR tos ngamalir, seueur gedong sakola nu ku urang diwangun. Aran yayasan urang hibar di unggal buruanna. Kitu deui béasiswa, tos katarima ku hakna. Mudah-mudahan dua-tilu taun deui urang geus tiasa panén. Mung... aya sakedik laporan nu pikuciwaeun. Nyi Gagap gagal manggung, konsérna réa nu teu suka. Artos nu tos lebet mah lapur". "Teu nanaon, ukur saanu pan? Ayeuna tugas anjeun, néangan béntang séjén nu teu pati kontrovérsial, nu kawéntar di barudak umur 13 taun ka handap". "Aya, pak, Jang Bibir. Mung mahal pisan. Tilu tikel ti Nyi Gagap". "Teu nanaon, geuwat telepon promotor, datangkeun sagancangna. Rapat réngsé!" Rohangan angger nyecep, "Ulah Udud!" murungkut.

POTRÉT ISUK-ISUK 3

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 10:37:36

Wanci subuh, hujan tinggal girimisna. Cileuncang mapaésan jajalaneun. Teu matak mugagkeun léngkahna. Nanggung tahu dagangana, muru pasar dibarengan ku harepan panggih jeung rejekina. Leumpang gagancangan hayang geura nepi, sieun lapak kapiheulaan ku batur. Nyorang tanjakan. Léngkahna rada ati-ati milihan jalan nu teu pati rumpil jeung leueur balas hujan. Tanggungan ayun-ayunan. Leungeun kénca katuhuna pageuh nyekel salang. Sendal capitna mimiti lésang. Teu lila ti harita, aya sora ngageblug. Sendal capit pegat ngacleng kana kamalir. Tanggungan tamplok, eusina mancawura minuhan jajalaneun. Harepan miheulaan ninggalkeun awak nu nyungkur kana rurumpil tanjakan.

NU DIARAH PATI

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 10:36:34

"Najan sia lumpat ka langit katujuh, ku aing bakal terus diudag!" kadéngé sora nu ngancam tukangeunana. Udin Pohang ngabelesat lumpat lir jamparing leupas tina gondéwa.

"Dor... dor... dor...!" péstol dibekaskeun nojo nu lumpat. Iding, nu keur ngudag Udin Pohang, katinggaleun jauh di tukang, pélorna nyamos. "Anjing...! Rasakeun siah mun kapanggih. Awal akhir sia kudu modar!" manéhna ambek-ambekan sorangan, nafas ngahégak nyiptakeun seuneu nu kacida panasna. Hiliwir angin nebak dadana, mépés seuneu nu keur ngabebela di dinya.

"Pa, itu si abah aya nu ngarampog di jalan, untung aya nu nulungan...," pamajikan Iding hariweusweus waktu manéhna datang ka imahna. "Alah..., saha nu nulungan abah téh?" manéhna kagét, reuwas campur atoh sabab bapana salamet. "Teu jelas saha-sahana mah, cenah... ngaranna téh Udin Pohang," ceuk pamajikanana bari neundeun cikopi dina méja. "Innalillahi...!" manéhna ngoréjat cengkat, kopi kabadug, pre peupeus, cikopi nu masih kénéh ngebul ngabayabah dina ubin ngabentuk beungeut... si éta.

OSIH

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 10:16:14

Lamun panggih jeung nu ngaranna Osih, tanwande wayahna kudu sasalaman heula da geus pasti dipegatan ku manehna. Rek saha wae jalmana, rek wawuh rek henteu geus jadi kabiasaan manehna mah ngasongkeun leungeun menta dihampura, sok sanajan aya oge tungtungna, "cik ah, sugan boga gope mah keur meuli sabun." ceuk manehna teu kireum-kireum.
Buuk digelungkeun najan masih katingali awut-awutan da sigana tara nyisiran, baju kuleuheu bari jauh tina kapantesan, pangais weh tara tinggaleun mani geus ledrek balas unggal poe dipake ngunjalan gemuk, kaptan, atawa naon wae pagawean nu dipancenkeun kamanehna sakadar ngaharepkeun buruhan nu teu leuwih ti lima rebu. Teu aneh lamun loba nu nyarita yen cenah manehna teh satengah euwah dumeh baheulana kungsi kanyenyerian ku salakina.
Leupas tina masalah jejeg jeung henteuna pikiran manehna, pikiraneun urang sarerea, geuning jalma gering wae inget keneh kana dosa tur hayang geuwat menta dihampura, tapi naha urang anu cenah jejeg pikiranana loba anu teu inget kana sagala.

ANGEL

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 10:10:25

Lain ti Inggris nu ieu mah, tapi ti Indramayu,
"Ora Mas ah, angel. Moso sih? Ya podo bae Mas nganggap kabeh wadon Dermayu koyo gituh."
"Ya aja atuh Neng. Arep ora?"
"Mas Aku iki mahasiswi! Weruh mene salah lan bener. Tak lapori polisi!"
Ngahuleng ngadedengekeun nu ngalobrol di jok hareupeun. Bet kapikiran basa tatangga nu can kacangkem. Ras ka fikmin Basa Sunda. Nu kiwari keur tren ku basa Inggris. Boro bisa, ngarti ge hanteu. Hanjakal sakola teu junun. Kaburu kolot. Rek eles, teu kaur ku nyeri cangkeng. Letah ongkoh geus kabakutet ku daun sampeu. Keur anteng ngalamun, nu gigireun nanya. Tayohna mah ngareretan HP nu hantem dipencetan. Tamba kesel we sajeroning di perjalanan ka-Cirebon-keun.
"Flkmin Basa Sunda judulnya, tapi banyak yang pake basa inggris, boleh gitu?"
Kuring ukur seuri. Teu bisa ngajawab. Ciiiit! Beus ngerem ngadadak. Sakadang domba meuntas nyalse pisan.

NU UDUD DI HAREUPEUN GANG

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 10:03:42

Poé méngok. Reg, angkot eureun di hareupeun. Ibu-ibu angkaribung turun. Seeeep, puuuuhhh. Haseup nyerebung. Lung, kuntung ka solokan. "Ojég, bu?". Nu némbalan ukur gideg, jeung telepon keuweuk, "A, jemput mamah nya!". Balik deui, muru jok. "Eh, kari sabatang!" Angin manggih deui batur ulin. Panon neuteup ka hareup. Ningali motor nu barélok asup gang. Beuki jauh. "Kang, alhamdulilah si ujang UAN-na lulus. Taun hareup ka SMP. Jeung sigana si Nyai geus meujeuhna asup SD". Beuki jauh. Kadéngé dengér si Bungsu. "Susu béak, kang. Mun balik meuli nya!" Paneuteup balik. Serebung nu panungtung. Lung, kungtung asup solokan deui. Ngadeukeutan warung. "Sun, jarum satengah!" Salambar lima rébuan, séwa sakali-kalina, ninggalkeun pésak.

KARETA HANTU HAMBALANG

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 09:32:57

Kareta Api Hantu Hambalang laun tapi pasti. Eureun di unggal setatsion jeung halteu. Nyampeuran jurig nu teu paruguh beungeutna. Masinisna teuing saha boa.

IJASAH

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 09:11:26

Diparengkeun hade milikna, Abu Jahal mingpin partey pulitik anu ngaranna Partey Intelek. Saha-saha anu rek asup eta partey kudu minimal nyekel ijasah sarjana. Anu asup eta partey bener-bener anggota petingan.
Sakali mangsa Abu Jahal kaparengkeun deui dicalonkeun jadi gupernur. Baliho-baliho rapang. Spanduk jeung pamplet patulayah dimana-mana. Eusina nitah milih Abu Jahal. Barang waktu verifikasi datang, Abu Jahal teu lolos. Salasahiji poin verifikasina minimal kudu lulusan SMA.

AANWIZDJING…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 08:05:54

Ngunikeun kecapna gé matak tipaparétot. Aanwizdjing. “Penjelasan Pekerjaan” kitu meureun arti bébasna mah. Ti kantor si Fuad geus saged. Dokumén jeung surat kuasa geus dicecepeng. “Poé ieu, manéh ngawakilan PT. Ambekan Hirup” kuring méré nyaho. Tiluan muru tempat Aanwizdjing téh. Sabalad. Ngawakilan tilu perusahaan. “Engké, pura-pura teu wawuh! tong nyirikeun!” kuring negeskeun deui, méméh nepi tujuan.

Geus kabéh ngumpul, panitia ngabsén. “PT. Ambekan Hirup” anu ngacung dua urang. “Bapa ngawakilan saha” Tanya panitia. “Abdi Direkturna!” teges. “Upami Bapa?” nanya ka si Fuad. “Oh, Abdi mah mung salah nguping!” bari ngaleos kaluar. Trilit! sms “Koplok, aing ampir wirang”….

BIMA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 07:51:42

Ngajungkiring lir gunung dina sorot nu agung dina kacinta ka sasama nu ngunung-ngunung, saksi batinna awor dina ajaran Illahi, teu weleh kabawa dina lengkah lumampah kamamana nu jauh tina kaguligah bari nyieuh-nyieuh gogoda pinuh mamala.

LOVE OF MY LIFE

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 07:45:21

Love of my life, You hurt me,You broken my heart, Now you leave me
Keur lelenyapan, dipepende lagu Quen.
Dor..dor..dor, anu gegedor panto, meni tarik, Nyel piambekuen. Panto dibuka:
“ Sidekahna Cep “ Nu musapir. Lalaki geus kolot, awakna beresih, bajuna kuleuheu.
Kurah-koreh kana lokét, euweuh récéh, kapaksa, song lima rébu. Geblug panto ditutupkeun. Keuheul kénéh, teu ditolih sora nganuhunkeun.
Balik ngantor.
“ Tin, sakali ieu atuh akang ijinan, hoyong terang bumi Tine, dimana ?”
“ Mangga atuh kang, ari kersa rurumpaheun mah “ Bari imut, matak coplok jajantung. Geuleuyeung.
Ngabonceng Tine, hate ratug, aya nu ngagilisir kana tonggong, haneut.
Imahna leutik, basajan, tapi raresik.
“ Mangga kang kalebet, Tine nyandak cai heulanya “ Imutna, seblak.
Kapireng Tine guntreng, sigana Bapana. Betah pisan ngobrol. Waktu nyerelek.Pamitan.
Diluar, song amplop.“ Kang ieu aya amplop ti pun Bapa, duka naon eusina “
Bari bingung, dijalan amplop dibuka” Cep artos lima rébu diuihkeun deui, nuhun,”

BULAO...

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 07:29:45

Teu jiga dunungan. Lamun rek 'ngalongok' beubeureuh nelepon heula. Nga-sms-keun sajak romantis anu matak nyeblak. Datangna ti pagawean mawa kembang ros. Pulas beurem saheab jeung euceuy. Laju dahar peuting duaan. Dina meja dicaangan lilin aroma terapi. Seungit ngagolakeun birahi. Seseleket, sora saksopon KenyG ngeleketek. Lampu kamarna sariak layung. Teu lila duanana arasup ka kamar. Numplekeun kasono, ngojay dina sagara kaendahan. Dicarangcang hegak jeung seuri getek cumentil.

Ari anjeun? Tara nyaho wayah jeung tempat. Keur anteng na korsi, hayoh ngoconan. Di jero mobil dunungan, tara diengkekeun. Lamun dunungan keur darines, kamar dunungan, dapur, taman jeung kamar mandi, diasaan kabeh.
Anu matak gehger mah kamari. Di loteng. Purnama 14. 'Full moon'. Ari kuring lamun keur jeung anjeun tara daek repeh. Abong biwir teu diwengku. Harita dunungan keur araya di imah. Kitu oge tatangga. Mani ear jiga nyiruan kaeundeukeun sayang. Karasa humegak, geugeut jeung ngagolakna kasono anjeun ka kuring. Ningali dunungan mah ngan kitu-kitu keneh.

"Mah..Pring sigana hayangeun siga urang.."
"Maenya..Pah?.."
"Pring...pring...pring"

" Meong...meong.." Kuring ngagesel-gesel gado kana leungeun dunungan awewe anu rada hanyir.

YUDISTIRA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 06:35:04

Dina lengkahna aya lengkah panceg nu napak dina kasabaran, waktu nu awor jeung dirina mawa kayakinan pikeun mapag gumilangna harepan

BULAO

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 06:06:42

Teu jiga batur. Atawa dunungan. Lamun rek 'ngalongok' beubeureuh nelepon heula. Nga-sms-keun sajak romantis anu matak nyeredet kana hate jeung seseblakan genah. Datangna ti tempat pagawean mawa kembang ros. Anu pulas beurem saheab jeung beureum euceuy. Laju dahar peuting duaan. Dina meja dicaangan ku lilin aroma terapi. Seungit jeung ngahudang birahi. Seseleket, sora saksopon Keny G ngeleketek. Lampu kamarna ngahaja milih anu nimbulkeun cahya sariak layung. Teu lila biasana duanana geus arasup ka kamar. Numplekeun kasono, ngojay dina sagara kaendahan anu matak kabungbulengan. Leleb. Dicarangcang ku sora hegak renghap jeung sura seuri getek cumentil.

Ari anjeun? Sok tara nyaho wayah jeung tempat. Keur anteng na korsi, hayoh ngoconan. Dijero mobil dunungan oge ari keur hayang mah, tara diengkekeun. Lamun dunungan keur darines, di kamar dunungan. Di dapur. Di taman. Di kamar mandi. Di luhur lomari. Anu matak gehger mah kamari. Anjeun ngajak di loteng. Enya keur bulan purnama. 'Full moon' tea. Ari kuring lamun keur jeung anjeun sok tara daek repeh. Teuing da sok kacapangan. Abong biwir teu diwengku. Bakat ku ni'mat jigana. Padahal harita dunungan keur araya di imah. Kitu oge tatangga. Mani ear jiga nyiruan kaeundeukeun sayang.

Tapi kuring sugema. Bagja. Jeung endah nu aya. Karasa humegakna. Karasa geugeut jeung ngagolakna kasono anjeun ka kuring. Ningali dunungan mah asa ngan kitu hungkul.

"Mah..Pring sigana hayangeun siga urang.."
"Maenya..Pah?.."
"Pring...pring...pring"

Kuring ngajawab, " Meong...meong.." Bari ngagesel-gesel gado kana leungeun dunungan awewe anu rada hanyir.

TULUNG-TINULUNGAN

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 04:58:00

"Kudu silih tulung-tinulungan papada jalma teh! Euweuh cacah euweuh menak, mun aya nu kudu ditulungan nya buru-buru tulungan!"
Sanggeus ngomong kitu di pangajian, Ustad Sobur balik k imahna. Barang datang, bret hujan ngagebret. Sajongjonan diuk na korsi males bari papelong-pelong jeung nu keur kuyumut kabulusan, ngiuhan hareupeun imahna. Nepi ka hujan raat, duanana angger silih pelong. Nu kuyumut kabulusan ngaleos.
"Karunya. Mugia sing salamet di jalanna." Ceuk Ustad Sobur.

JANGGOT

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 04:36:53

Marki ngeunteung. Gebeg. Beu. Janggot kameumeutna leungit. Mangkaning eta janggot anu marengan manehna ka mamana. Bubuara. Ti jaman ka jaman malah. Ti benua ka benua. Janggot anu gomplok. Ginding tina poster kana poster. Tina buku kana buku. Janggot aing kabur! Gerentesna. Lila ngajanteng. Neuteup keureut beungeut sorangan. Jol breh beungeut orok. Kolebat beungeut indung bapana. Akina. Uyutna. Baona. Janggawareng. Bet tuluy kasusud saban beungeut karuhun. Tuluy. Beuki jauh. Pirang-pirang beungeut narembongan. Aya nu sidik. Aya nu sakadar ngolenyay. Tembus ka jauhna. Marki anteng ngajanteng hareupeun eunteung. Maluruh janggot. Ari nu kasampak geuning kalah puluhan, rebuan beungeut. Beungeut karuhun. Marki anteng nitenan nu tingkolebat. Bari panasaran hayang apal karuhun nu pangkaruhunna. Sajam. Sapoe. saminggu. Sabulan. Sataun. Ti taun ka taun. Marki ngajanteng hareupeun eunteung. Nepika janggotna gomplok deui. Leuwih gomplok batan samemehna.

SALAH SANGKA

Kénging Yuharno Uyuh ONod
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 04:29:58

Aya hiji pamuda, keur leuleumpangan, dina gunukan runtah. Buukna rewag- rewig jiga sayang kaak, bari mawa keretas sacewir. Nyaritana, meni tatag. "Yeuh, nu ucang angge, di papanggungan..!, ulah ngeunah kalilan Anjeun..! Pokna, terus tungkul, melong keretas sacewir. " Pok deui nyarita, bari dangah. Yeuh, Anjeun, geus nawurkeun, peurah kapeurih, dina tung-tung kingkilaban.., beurit, lentah jeung buaya, careurik, alatan geus dijadikeun, lambang kajahatan ku Anjeun., ha.ha.hah.ha.." Ditungtungan, seuri ngahahah. Teu kanyahoan, datangna, ujug-ujug ditingker ku puluhan Tukang Mulung. Terus direjengan, panyangkana jelema teu waras. "Kurang ajar siah, ngaganggu tempat Aing," Ceuk salah saurang Tukang Mulung, bari habek,habek neungngeul puhu ceulina. Pamuda ngagoak "Alahh..," Bari ngageubigkeun awakna. " Ngajaredog siah..! Yeuh, Aing mah lain jelema eubleu deuleu, teu nyaho, Aing keur latihan maca sajak..!?" Pokna, bari ngincid kukulutus. Tukang Mulung, marelengek.

DARMA WAWAYANGAN

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 04:00:26

Gatot Gaca teterejel karep ngajomantara. Rek ngumbar pangawasana. Ukur kahayang. Hamo katedunan. Pangawasa keukeuh beunang ku Dalang.
"Toroktok. Jrek, nong!" Campala peuyeuh sorana. Bonang ngalokan nu ngahaleuang. Sinden peura. Ungkara jeroning kawih, jadi papaes pakewuhna di jero Nagri, ngalelewe pangeusina.
"Jrek, nong!" Pandawa nguniang jadi pangeusi carita. Seah!. Angin ngehkey, galumbira akey-akeyan.
Arjuna. Dedeg sampe rupa hade. Kasep ngalempereng koneng. Jamotrot, hayang jadi pangeusi carita. Teubisa!. Ambekan ngangseg dipegeg. Dalang ngareret ku juru mata. Anteng, nganteur Pandawa nu ngalalakon.
Rahwana nu ngabangingik ukur bisa balilihan. Ngagedur. Hate kumejot karep midua ka Dewi Sinta. Dalang teu mirosea. "Ulah rasa aing uyah kidul, adigung adi guna luhur kuta gede dunya. Eta kabeh ukur titipan." Ceuk Dalang bari nutup lawang sigotaka. Jrek, nong!. jep, wayang repeh. Kabeh nyungkruk dina tempatna.

SI GEULIS

Kénging Badru Tamam Mifka
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 03:00:07

Gék Rusdy diuk di sisi ranjang “Ipis pisan antara poé ka poé, Geulis, lir baju anjeun wengi ayeuna” ceuk Rusdy. Si Geulis ukur imut. Wirahma birahi Rusdy ngagalaksak kasubuhnakeun. Jiga peuting kamari, saméméh adan subuh, Rusdy luncat ti jandéla kamar. Kalakuan Rusdy kapanggih ku hansip Umed. Beurangna, basa Rusdy ngaliwat ka poskamling, hansip Umed nu keur maturan barudak maraén gapléh, nyampeurkeun. “Rus, unggal peuting kuring nempo manéh kaluar ti...” Can réngsé ngomong gé, hansip Umed kaburu dibekem ku Rusdy, laju diséréd ka tukang “Naon satéh, geus tong geruh ka batur” ceuk Rusdy molotot, bari ngasongkeun roko sabungkus. Hansip Umed ukur olohok. Sanggeus Rusdy balik, hansip Umed ahirna nyarita kalakuan Rusdy ka barudak. Maranéhna mupakat peuting ayeuna rék ngintip Rusdy. Peutingna, basa hujan ngaririncik, hansip Umed jeung barudak ningker Rusdy di tempat peuting kamari. Gusti... katempo nyampak Rusdy buligir keur nangkeup tangkal cau nu rungkad gigireun astana...

BAN HIDEUNG

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 02:56:41

“Baku ari geus hésé saré téh.” Gerentes haté. Tuluy ngalaan simbut. Nguniang. Nyingkabkeun hordéng. Langit tembong hieum. Taya béntang. Taya bulan. Ukur hujan. Aweuhana nihtir ceuli. Ras kajadian tadi beurang. Teu kahaja ngagéléng anak ucing. Ngusek sakeudeung. Paéh harita kénéh. “Duh gusti, asa ginggiapeun kieu..” Ngusap beungeut. Gék 'na juru dipan. Nangkeup bantal. “Saban nu mibanda nyawa, pasti pinanggih jeung pati!” Omongan ajengan Abud nongtoréng. Ngagolédag. Panon dipeureumkeun. Kasawang ban motor minuhan kamar. Hideung. Paheula-heula moro ieu beuheung.

PAPATAH ABAH

Kénging Yuharno Uyuh ONod
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 02:52:56

Geus saminggu, Abah Wira, kaanjangan ku tilu incuna. Peutingna Abah Wira, ngagelendut mapatahan, ku papatah Sunda buhun. "Saacan mulang ka Batawi, regepkeun nya, Cu..," Pokna, Bari melenyun, udud daun kawung. Incuna tarungkul bari sila. "Cu.., poma jeung dulur, masing alakur, ulah pa girang-girang tampian, dina nyiar kipayah, sing bisa ngeureut neundeun.., "Muhun, Bah..," Ceuk Incu nu cikal. "Iya Bah.., Tembal Incu anu kadua jeung katilu, bari nyikikik silih pelong. "Mangka omat, kudu tiis ibun, ampih pikir. Atuh, mun boga kenur sadeupa, omat ulah nguseup ka sagara.., omat ngeduk cikur kedah mihatur..." Nyaritana teu kebat, incuna anu keur tarungkul, ditelek-telek. Goledag, incu anu kadua jeung katilu ngagoledag, disusul ku incun anu cikal. Abah Wira gogodeg. "Beu, hanas Aing ngabamblam.., Ari sugan, kukupu muntir, geuningan kadal jeung lalay..!" Pokna bari cengkat semu keuheul.

KI ANDILAWA 3

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 00:52:11

Geus tilu kali ngabungbang, Ki Andilawa teu mapaykeun lengkah. Geus tilu kali ngabungbang oge, carangkana suwung tina guligah jeung mangpirang katugenah. Saungna diheurinan ku simpe, simpe nu manjang, nu kacida jempe.
Pernah carangkana ngaluarkeun sora. Sakali-kalina. Lain sora nu ilahar, tapi sora suling nu ngagelik, nyeuit. Teu lila, ngan tilu belas detik. Tuluy jempling deui.
"Dina titik hirup, kuring hayang nyunyuhun Lam Alip." bulak-balik eta kalimah digerenteskeun. Teuing geus sabaraha kali, teuing sabaraha juta kali.
Ki andilawa neuteup ka lebah kulon. Kana hiji liang nu aya dina bilik saungna. "Dina titik hirup, Kuring hayang nyunyuhun Lam Alip." awakna ilang, jadi haseup nu nyulusup kana liang. Ngelun, ngumbul, kumalayang handapeun kalangkang bulan.

KI ANDILAWA 3

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2012 00:42:28

Geus tilu kali ngabungbang, Ki Andilawa teu mapaykeun lengkah. Geus tilu kali ngabungbang oge, carangkana suwung tina guligah jeung mangpirang katugenah. Saungna diheurinan ku simpe, simpe nu manjang, nu kacida jempe.
Pernah carangkana ngaluarkeun sora. Sakali-kalina. Lain sora nu ilahar, tapi sora suling nu ngagelik, nyeuit. Teu lila, ngan tilu belas detik. Tuluy jempling deui.