Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Méi 2012 (54 Naskah)


NGUMBAR PANINEUNGAN

Kénging Lia Liana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 23:01:44

"Wayah lohor harita kuring jeung manehna ngajugjug hiji tempat nu kiwari jadi tempat pamungpungan nu rek ngadon dahar jeung ulin...
Nya di ieu tempat pisan kuring jeung manehna nyangreudkeun rasa katresna nu geus lila nyampak na hate masing-masing...
Ayeuna.... manehna keur sedeng nandangan kanyeri hate... bangun nu peurih lir digerihan.
Sedeng kuring...., cicing ngejentul salila-lila di tempat nu baheula dijugjug duaan jeung manehna.. kuring ngan saukur bisa ngagerentes dina hate.."Kakang panutan abdi, tingal ieu abdi di saung nu kapungkur jadi tempat urang sasarengan... nyacapkeun katresna jeung kasono nu ngagulidag..." hm.... naha bakal kaalaman deui... kang.... (setiabudi Mei 2012)

BASA PANDAWA UNGGUL SAEMBARA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 22:59:11

Pammeunteu Suyudana ngembang wera ngadangu Pandawa unggul saembara, sok sanaos dirina gagal saembara marebutkeun Dewi Drupadi, namung sanes eta nu janten emutannana, namung sok sieun komara Pandawa ngondang simpati balarea, utamana simpati ti rayat Astina, namung teu kitu, Aria Widura, raina Destarata teu kinten gumbirana ngadangu para Pandawa masih aya keneh dikieuna, dina pameunteu nu kacida marahmay sareng teu kinten gumbirana, wartos Pandawa unggul dina saembara bari aya dina panangtayungan Prabu Drupada, Aria Widura unjukan ka Destarata, rakana.
"Kakang, teu kinten gumbirana, para Pandawa teh geuning masih keneh aya dikiieuna, malihanan unggul dina saembara bari teras nikah Drupadi putrana Drupada..."
Destarata teu kinten kagetna ngadangu wartos ti raina, aya kakuciwa mapaes pameunteu Prabu Destarata. Kaceuceubna ka Pandawa ngadadak ngabebela, namung tiasa nyumputkeunnana, Prabu Destarata ngan wasa ngagerem dina manahna, sok sieun palaputrana kalindih ku komara Pandawa.

LEUNGITEUN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 22:41:57

nya peuting ayeuna rajana simpe tumorojog tanpa larapan, padahal hatena mah teu weleh gumuruh terus ku salaksa ungkara panas nu paselang jeung sora tingkerelekna cai, nu antukna matak paranas tiris, ngagibrig bari terus nangkeup harigu ngadon uleng mikiran diri hayang nguwung-ngawang pikeun neangan rasa nu teuing kamana

KABENGBAT

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 21:24:47

Keur cineukul dina golodog buruan imah, nyawang randa anyar nu keur jongjon moe seuseuhan. Rek teu disawang kumaha da tiap pangih manehna jiga nu mere awahan, sura seuri bari mun geus papaliwat teuweuleh manehna sok ngalieuk deui bari ngacungkeun leungeun. Korejat kuring ngarasa rewas harita budak nu bungsu ngagabrug kana tonggong muyarkeun lamunan. Jut kuring turun bari ngakod budak nuju ka sawah maksud rek nempo pare nu geus harayhay koneng.

SAWIJA ; NU KALINDIH JAMAN

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 21:02:45

Rap cotom dipaké. Endong disoréndang, samping dibeulitkeun na cangkéngna. Saged. Saregseg lawang dibuka, burudul meri kaluar. Mangpuluh-puluh. Gantar diréwak, tuluy meri digiring ka tengah sawah. Sanajan babaya tinggal saparo, tetep wé dikeureuyeuh. Kalung nungtutan dijual, sanggeus nu kolot ledis. Nalika meri daridis. Manéhna cengkat, seja barangsiar, sugan manggih borojolan. Meunang hiji atawa dua, keur mumuluk nu lain wanci. Endog dilulun ku taneuh, dibeuleum maké jarami. Dumadakan langit ceudeum. Tuluy hujan ngagebrét. Sawija cinutrung di luhur jarami dipayungan daun cau. Tatit tingburinyay. Rob meri ngadeukeutan, disarada siga nu keur sisinglar. Sabudeureunnana. Sora béko handaruan. Damtreuk datang indit piligenti. Sawah keur diurug. Dilelemah.

SERTIFIKASI

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 20:52:10

Dina mangpirang pirang mangsa, nya poe ieu mudalna ieu rasa. Saprak aya program sertifikasi, kembang harepan teh renung deui, sugan jeung sugan bisa pikeun ngomean kaayaan. " Euh, saratna kudu S1!?", saharita, harepan nu renung teh tingkulapes katiup angin pamohalan. Sataun satengah deui baris nampa SK pangsiun.

SURAT KILA-KILA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 20:22:14

Saminggu sanggeus UN SMP, Suci nyuratan ka indungna nu keur umroh jeung bapana, tulisannana kacida endahna, ari eusina kieu: Mah, samulihna umroh pamugi Mamah langkung solehah, kersa dijilbab sareng leket ibadah, malihanan Suci ge bade dijilbab bodas, duakeun Mah, pamugi Suci ditampi ku mantenNa, sareng hapunten pami Suci seueur dosa ka Mamah sareng Apa.....
Ngan sakitu-kituna eusi suratna teh, teu kurang teu leuwih. Jiga surat kila-kila. Enya kila-kila, lantaran basa indung bapana dua poe sanggeus balik umroh, Suci dipundut ku nu Maha Kawasa alatan panyakitna nu geus parna, Inalillahi Wainailaihi Rajjiun...

WANTER

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 20:21:09

Anjeun mah teuing ku wanter. Siangna nembé kenalan, wengina tos langsung dongkap kana ngimpén.

UPACARA

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 20:08:11

Gura-giru Pa Guru muru waktu. “Rek,upacara,” tembalna rusuh basa ditanya tatanggana. “Omat, kudu upacara, lamun henteu, bapa bakal ditegor ku atasan,” sora dununganna nongtoreng keneh. Nikreuh,awakna beuki leuseuh, lengkahna teu sirikna digugusur.”Pokona kudu bisa ngilu upacara,paparin kakiatan Gusti,” gerentes hatena. Ngarongheap, mawa awak nu pasiksak, meh wae manehna datang pangpandeurina.Nyampoyong awakna,negerkeun maneh siap siaga.”Hormat grak,” beurat ngangkat leungeuna. Dareuda manehna ningali ngelebetna bandera, haroshos sorana,ngilu nyanyi Indonesia Raya bari reumbay cimata. Sapaparat lagu,pikiranna rus-ras mikiran nasib nu teu pernah robah. ”Gusti, meh dua puluh taun lilana,abdi babakti teu sirikna nyangsara diri,tapi abdi ikhlas,” galecok hatena. Lagu Indonesia Raya lekasan, Pa Guru ngarumpuyuk, tutas kawajiban nana babakti ka lemah cai.

ARTIS

Kénging Ambuna Kaka
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 19:45:05

“Jungjunan! Teuing ku téga ari salira. Meunggaskeun wirahma katresna urang duaan. Ieu diri ngalanglayung gering nangtung. Asa tungkeb bumi alam papisah sareng salira. Pileuleuyan jungjunan! Biheung iraha urang deuk patepang deui.”
Jung nangtung, teu lila geus diuk deui. Nanggeuy gado bari tuluy ngalangeu dina jandéla. Teu lila kituna téh. Ceg kana salambar keretas. Tiba dibaca saliwat. Tirilik kana hareupeun eunteung satangtung. Runya-renyu. Umat-imut. Tuluy baganti pasemon. Inghak-inghakan siga nu keur sedih kingkin. Gorolang, kareungeu deui ngocomang sorangan.
Gombrang! Témbrang buleud sagedé cécémpéh ngalayang ka tepas imah. Disusul tepus ku géréwékna Ma Acah.
“Sarikeeeeeeeeeeeem! Gandéng siah! Hayoh wéh ngocomang ngapalkeun skénario sinétron stripping! Nepi ka cul pagawéan sapopoé. Anggur geura indit tuh ka sawah. Anteuran bapa manéh, meujeuhna dijabur wayah kieu mah!”

ARTIS

Kénging Ambuna Kaka
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 19:35:45

“Jungjunan! Teuing ku téga ari. Meunggaskeun wirahma katresna urang duaan. Ieu diri ngalanglayung gering nangtung. Asa tungkeb bumi alam papisah sareng salira.
Pileuleuyan jungjunan! Biheung iraha urang deuk patepang deui.”
Jung nangtung, teu lila geus diuk deui. Nanggeuy gado bari tuluy ngalangeu dina jandéla. Teu lila kituna téh. Ceg kana salambar keretas. Tiba dibaca saliwat. Tirilik kana hareupeun eunteung satangtung. Runya-renyu. Umat-imut. Tuluy baganti pasemon. Inghak-inghakan siga nu keur sedih kingkin. Gorolang, kareungeu deui ngocomang sorangan.
Gombrang! Témbrang buleud sagedé cécémpéh ngalayang ka tepas imah. Disusul tepus ku géréwékna Ma Acah.
“Sarikeeeeeeeeeeeem! Gandéng siah! Hayoh wéh ngocomang ngapalkeun skénario sinétron stripping! Nepi ka cul pagawéan sapopoé. Anggur geura indit tuh ka sawah. Anteuran bapa manéh, meujeuhna dijabur wayah kieu mah!”

HOME

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 19:12:28

Sora tukang putu muput lagu jazz nu tatadi maturan tina hape. Baju geus arasup kana ransel. Ganja dibebeskeun. Buku bacaeun teu tinggaleun. Panutup oleh-oleh keur alo. Eusi kamar diteuteup sakedapan. Karek ge jung, gelap ngabeledag. Sora hujan jol ngagebret marengan lagu jazz. Jandela muka keneh. Tingkiciprit nu lalumpat di gang. Gang mimiti banjir. Caina mimiti tarik. Rea nu palid. Plastik warna-warni. Botol. Beuki tarik. Meh limpas kana golodog nu geus luhur. Beuki rea nu palid. Rupa-rupa. Bungkus kondom. Bangke ucing. Kurung manuk. Simbut orok. Sawareh nyangsang na golodog. Gang geus siga walungan. Hujan beuki ngagebret nimpah lagu jazz nu kari hawar-hawar. Lalaunan jandela direkepkeun. Diselot. Serelek hordengna nutup. Jepret. Pareum listrik. Mongkleng. Ukur hurung hape nu anteng nganteur lagu jazz. Home.

GARA-GARA PEDA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 19:07:21

gara-gara dahar peuteuy jeung peda, poho nyikat gigi, jol kabogoh bari terus nyium, naha atuh da mani nyengir bari pok nyarita, "Geuning Euis teh sanes wanoja manis namung wanoja asin....". Kuring ngaheheh bari nempo manehna nu nyusutan biwirna.

GETIH

Kénging Eros Rosnida
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 18:59:38

Sirah ujug-ujug rieut, nyeri enyut-enyutan waktu ningali nu ngabayabah beureum dina lante, beuteung ngurel..asa aya nu rek kaluar, dicabak aya nu ngagulujur kana bitis baseuh semu hanyir, koleang...gubrag kuring teu inget di bumi alam. Nyah beunta..ret gigireun aya orok beureum siga tomat meunang ngabedong,jadi tadi getih teh kuring ngalahirkeun teu diparajian da kaborosotan...

BANJIR GETIH

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 18:53:02

(Revisi)

Isuk keneh Abah Jamhur nu kawentar jawara kahot geus saged. Make pangsi hideung, diiket barangbang semplak. Teu poho bedog ngagebay disoren dina cangkengna.
"Bade kamana Bah enjing keneh tos ngagidig rurusuhan ?" tanya Jang Didi nu kabeneran papalimpang.
"Deuk ngajorag Ki Minta, inyana ngondang, cenah rek nyobaan kasakten bedog Abah !!! Hayu Jang..."
Ngadangu kitu Jang Didi pohara reuwasna, “Palangsiang bakal aya banjir getih, deuk nyakseni ah” gerentesna bari nuturkeun rerencepan.

Teu lila Abah Jamhur anjog ka buruan imah Ki Minta. Nu nuturkeun, nyalingker ka rungkun awi sieun katohyan.
"Ki Minta...!!! Sabaraha hulu cenah nu hayang disapatkeun ku bedog Abah teh, di dieu we ngarah lalega !!!" Abah Jamhur ngagorowok bari nyingkilkeun leungeun pangsina laju mesat bedog nu ngagebay.
Kulutrak...!!! Ki Minta kaluar bari ngengelek hayam. "Ieu Bah, ti kamari duanana nguyung sigana mah keuna ku tetelo"

Nu nyumput ukur olohok,”Haseum... sugan teh rek galungan, hanas dituturkeun”

PAHLAWAN KABEURANGAN

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 18:24:09

Kuring jeung Jikan dariuk di ruang tunggu stasion. Di gigireun aya orok ceurik. Diupah-apéh teu répéh. Dibébénjokeun ku susu botol teu kaolo. Dibéré susu indung embung jiga nu pundung, malah beuki dengér matak gégér.
Sabot Jikan nyelang ka toilét, tambah kesel, karunya deuih, “Néng, kadieukeun ku akang,” diais ku kuring, teu sakara-kara diéyong-éyong sakeudeng jep répéh, ngahéphép. Diempok-empok reup saré ngageubra. Késang nu ngaragajag na tarangna balas ngadat, nu renung na irungna balas ngamuk, ku indungna diusap ku saputangan kanyaah.
Meureun ceuk nu narempokeun, “Asa manglebarkeun, awéwéna ngora geulis badis artis, na ari lalakika rudin badis kuli…”
Keur kitu torojol Jikan, bangun nu gereget, “Idih…meni geulis.” “Ceu, pameget,” ceuk indungna. ”Aéh, meni kasééép…” ngomongna dipégég, huntuna kekerot, ngan sorot panonna ditujukeun ka kuring, bari ditungtungan ku ngajembél satarikna kana cangkéng. “Tong, ting, téng...! Para penumpang tujuan Jakarta, segera menuju kereta di jalur emam…”***

LAMBANG NU TEUING KAMANA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 18:23:40

Sanggeus Otda, eta lambang kareueus barudak sakola, bet ngariles teuing kamarana, tulisan TUT WURI HANDAYANI, jiga nu rek dimusnahkeun ku lambang kabupaten jeung kota Nu nyarangking kakawasaan jiga nu teu ngahargaan jasana Ki Hadjar Dewantara, lambang teh ayeuna kari nineungna, boa barudak mangsa jaga moal nyaho saha ari bapa pendidikan di Indonesia

LAMBANG NU TEUING KAMANA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 18:18:41

Sanggeus Otda, eta lambang kareueus barudak sakola, bet ngariles teuing kamarana, tulisan TUT WURI HANDAYANI, jiga nu rek musnahkeun ku lambang kabupaten jeung kota, nu nyarangking kakawasaan jiga nu teu ngahargaan jasana Ki Hadjar Dewantara, lambang teh ayeuna kari nineungna, boa barudak mangsa jaga moal nyaho saha ari bapa pendidikan di Indonesia

PAREBUT

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 17:30:00

Saprak si cikal nincak umur tilu taun, Kang Obeng bet ngadadak kaancikan rasa sirik, teu kaop nempo si cikal ngagenyel ka indungna, Kang Obeng sok kuraweud haseum, malah bari kutap-ketap sagala, tapi peuting saterusna mah si cikal jeung Kang Obeng teu sirikna paheula-heula, mun pangheulana Kang Obeng, si cikal sok dedengekan, tapi mun si cikal pangheulana, Kang Obeng kuraweud haseum deui.

BATI HANJAKAL

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 17:20:15

Nung,
Waktu takdir nepungkeun deui urang, rasa baheula téh geuning can leungit. Malah, kalah mingkin ngarandakah. Mangkak ligar jadi kembang harepan. Susuganan bisa meungkeutkeun tali asih nu can kungsi nyangreud.
Naha bisa, Nung?
Duh! Mun téa mah waktu bisa di puterkeun ka mangsa duapuluh taun katukang...

NU PALID DI WALUNGAN NIL

Kénging Maspri Dkc
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 17:13:13

Isuk-isuk pamajikan Raja jeung para embanna keur arulin sisi walungan Nil bari marurak timbel bawana séwang-séwangan, aya ogé nu ngan ukur mekel leupeut jeung goréngan. Di tengah walungan katempo aya carangka nu palid angkleung-angkleungan, nya terus di baroro ku para emban, ngojay marake bikini muru éta carangka, ari bréh téh eusina orok lalaki éstu ku lucu kacida. Nya dibarawa, ditémbongkeun ka pamajikan Raja. Pamajikan Raja kacida katajieunana, éta orok dipangku dirawu, nya terus dibawa ka Istana rék ditémbongkeu ka salakina. Raja ukur kerung, hésé mutuskeun antara kahayang pamajikan nu hayang ngukut éta budak jeung kawijaksanaan manéhna nu ngalarang lahirna budak lalaki dina taun éta.
Kurang leuwih opat puluh taun ti harita, budak kukut jeung Raja adu hareupan di médan danalaga, alatan béda aqiedah, di tengah laut nu ngawalungan saat, nu ngembat di laut Mérah.
Raja jeung wadya baladna dikérem ku cai laut nu ngagulidag teu kaampeuh.
Budak Kukut salamet dina panangtayungan Mantenna. Cag.

BU ANNA

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 16:09:16

Mobil ngadius nuju kantor. Panumpang oge posisi diuk sabiasana. Di hareup, Ibu Deti sisi jandela, Ibu Anna diukna di tengah gigireun kuring. Sakapeung diukna teh siga nu ngahajakeun ngagoda. Basa leungeun ngasupkeun perseneleng, teu ditarik deui. Malah dililakeun. Ibu Anna siga nu ngahajakeun majukeun awakna. Jadi we keuna lebah dadana.

Aneh basa ngareret gigireun teh. Biasana diblazer, ayeuna di kaos. Beuki geulis. Umur tilu-limaan, meujeuhna gumading. Ngolesed, diuk teh rada ka tengah, anggang tina senderan. Bu Anna nyarande. Siga nu ngahajakeun. Awakna nyalindung ka kuring.

Karasa awakna antel basa mengkol. Rem dicentok, dadana neueul pisan kana leungeun. Lila-lila jadi napel. Leungeun kenca pindah kana setir, leungeun katuhu api-api gagaro lebah handapeun kelek. Ibu Anna teu ngejat. Kagok asong. Lalaunan ramo dirungkupkeun. Gejlig! Mobil asup kana logak. Orokaya ramo replek ngarames. ‘Ooo-eeee!!! Ih naha sora balon. Pas melong, panumpang nyaleungseurikeun. Beu edas teuing…

OYOT DEUGEUL

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 15:57:14

''Geus! teu ngantik nunggul poe ieu mah ki, ja kayu ngabadeg keneh!, ongkoh poe jumaah burung!''.Teu nolih Mbok Asnah nu cawehwer cacahan, Ki jumha isuk keneh geus tampil ngasah patik.
''Ja moal kebel ieuh, ke tangange ge mulang, barina ge meungpeung purun, keur hulap mah teu ngantik di hulag ge moal leumpang!".Kituna teh bari noyod
ngaleos teu malira kanu keur gogodeg emok na amben.
Adan dohor ngalanglaeu ti Musolah tebeh elor, nu nunggul anggur beuki bedas, nepika hulu patik mantog kana hulu,leng! Aki kapiuhan, inget-inget geus ngabegag na kuta jalan, breh gedong-gedong salaligrong, tapi tiiseun teu manggih jalema hiji-hiji acan.
''Aing ngeli ka alam naeun, deuleu eta matapoe adek hulu?, beurang lain peuting
lain ning ieu teh''.Hatena teu reureuh noroweco.Kuniang cengkat,nyileuk, susuganan manggih jalema.Angger rehe.
Cacahan jalema salembur, dumeh Si Aki leungit teh kajawab, sanggeus jumaah
hareupna manehna katimu ngajoprak deukeut tunggul nu eta,patik ngagoler gigireunna.

POE KATUJUH

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 15:57:04

Mobil ngadius nuju kantor. Panumpang oge posisi diuk sabiasana. Di hareup, Ibu Deti sisi jandela, Ibu Maria diukna di tengah gigireun kuring. Sakapeung diukna teh siga nu ngahajakeun ngagoda. Basa leungeun ngasupkeun perseneleng, teu ditarik deui. Malah dililakeun. Ibu Maria siga nu ngahajakeun majukeun awakna. Jadi we keuna lebah dadana.

Aneh basa ngareret gigireun teh. Biasana diblazer, ayeuna di kaos. Beuki geulis. Umur tilu-limaan, meujeuhna gumading. Ngolesed, diuk teh rada ka tengah, anggang tina senderan. Bu Maria nyarande. Siga nu ngahajakeun. Awakna nyalindung ka kuring.

Karasa awakna antel basa mengkol. Rem dicentok, dadana neueul pisan kana leungeun. Lila-lila jadi napel. Leungeun kenca pindah kana setir, leungeun katuhu api-api gagaro lebah handapeun kelek. Ibu Maria teu ngejat. Kagok asong. Lalaunan ramo dirungkupkeun. Gejlig! Mobil asup kana logak. Orokaya ramo replek ngarames. ‘Ooo-eeee!!! Ih naha sora balon. Pas melong, panumpang nyaleungseurikeun. Beu edas teuing…

NURGAS

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 15:46:37

Lagu es lilin make suling mani ngagelik, ragamang hp dicokot. Assalamualaikum, Waalaikum salam jawaban ti belah ditu,.
,, Heeeeyyyy cek kuring aya beja naon yeuh, cek kuring asa rada atoh yeuh narima telepon teh"
Hi hi hi, ceu ulah beja-beja nya urang-urang we lah.
,, Kunaon kitu aya naon yeuh "
Urang teh pageto tugas ka nagri Kincir Angin tea, kabeneran aya saldo pembayaran pesawat jeung tektek bengekna sigana cukup keur anggota keluarga urang mah,
,, Alhamdulillah atuh nyaan ieu teh, saha wae tah.
Aceuk, kuiring, kang Marian jeung si boss.
Teu lila salaki datang, bebeja hariweusweus, barudak aratoheun.
Harita keneh kuring balanja baju barudak kieur indit ka nagri Kincir Angin tea.

NU NYIRAM

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 15:31:15

Cumiduh!, sakeudeung-sakeudeung,'Ooo! Utah! ngahayungkung langlayeuseun matak sareukseuk nu ngabandungan. Morongkol di enggon, euweuh kaberagan.
"Nyi, akang angkat heula nya!" celengok, nyium tarang pinuh kadeudeuh.
"Kang kade hilap uihna nyandak buah ngora sareng kadongdong!" bari jongjon ngagojod.
Balik gawe, salakina angkaribung nedunan kahayang pamajikanana,kasampak ngarengkol keneh luhureun kasur.
"Gugah atuh nyi! yeuh buah ngora meni geutahan keneh" ceuk salakina bari ucul pakean. Kulisik, pamajikanana bangun hoream, selengseng! aya ambeu nu rada aneh,terus ngadeukeutan salakina, suruduk! ngantelkeun beungeutna kana kelek nu kesangan keneh, diseuseup! bangun ni'mat. Teu lemek teu nyarek, salakina hookeun, teu ngarti.
"Kang enjing uih damel ulah waka ibak, nya!" ceuk pamajikana semu berag.
Salakina bati olohok, unggeuk bueuk.

DURANG-DURARING

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 15:20:44

“Tiriiliik..”, sora sms. Ti si ayank, sorana dibédakeun. Gancang dibuka, “Ceu, abdi nuju aya di dieu, ké badé mampir”. Nyaluk ‘Euceu’ da jauh sahandapeun, najan kitu kuring tetep nyalukna ‘Aa’. Sumanget. Réngsé beberesih rohangan-rohangan imah, kuring beberesih awak. Aya kana sa jamna di kamer ibak. Diangir bari luluran, nu ramosbos dikurudan.
Sepré digentos ku kelir pulas kayas, parfum nyebrotna dikerepan. “Aa, kasedep salira tos disayogikeun, omat kedah tuang wéngi di dieu”, sms dikirimkeun. Ngahariring lagu asih tembang katrésna. Asa jadi rumaja SMA deui, padahal umur geus kapala 5.

DI TUNGTUNG LEMBUR

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 14:52:51

Warung deukeut parapatan. Sabeulah numpang kana galengan. Aya solokan nu meuntas di handapna. Papatong rabeng ngurilingan sawah nu parena can ayaan. Hejo. Eundeuk-eundeukan didupak hiur angin kasorenakeun.
" Ma..Ratih bade naros. Patarosan nu taun kamari teu diwaler ku ema. Wios? " aya ungkara semu maksa, aya reret nu teu sabar nandangan guligahna rasa.
" Nyai..ema surti kana kapanasaran hidep. hampura ema, nu geus genep belas taun nyiksa hate hidep.." jawaban nu dipiharep teu jol wae. Teu wasa neruskeun, kaburu aya cimata nu ragrag.
Angin ngahiur. Pare eundeuk-eundeukan. Papatong kakalayangan handapeun langlayangan.

PAHLAWAN DEVISA NAGARA

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 14:44:49

Teu karasa kontrak gawe 2 taun ayeuna geus nincak poe patungtung, poe ahir keur ceu Marsiah ngaulaan dunungana. Isukna ceu Marsiah beberes koper jeung tas. Saenggeusna teu aya deui anu baris di bawa gewat manehna muru bandara. Diukna dekeut kana jandela bari ningali mega anu sing pundukur ka luhur siga gugunungan nu keur bararis, ras inget lalakon 2 taun katukang, ka mang Supar salakina anu ninggalkeun manehna nu keur kakandungan teuing dimana, tepi ka ayeuna eweh laratanna. Kusabab eta anjeuna lunta ka nagara batur seja buburuh manjangkeun tali kahirupan. Teu karasa cimata ngaberebeuy inget kanu jadi anak nu karek nincak umur 9 bulan, kokorondangan ngudag-ngudag manehna anu bari ngomong ma,ma,ma,ma siga nu nanya arek kamana ari ema teh. harita eweh nu ngajajapkeun iwal kolotna jeung budak anu leungeuna gugupay siga embung papisah“sakedap deui geulis ema baris mulang, moal sakali-kali deui ema ninggal keun hidep” gerentes hate bi Marsiah bari nyampeurkeun imigrasi nu di luhurna aya tulisan “SELAMAT DATANG PARA PAHLAWAN DEVISA NEGARA”

MUNJUNG

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 13:58:50

“Méméh prak, Aki tetep wajib ngélingan ka hidep. Karep hidep téh baris dibendon ku Pangéran,” ceuk Aki Kuncén daria.

Kurang leuwih nya kitu pisan wawadi ti kuring gé. Samalah kuring mah maké basa agama. “Mangkahadé pisan, ieu téh kaasup musyrik, nu moal bakal meunang ampunan ti Gusti Allah,” ceuk kuring harita.

Tapi si Uking mémang geus banget buleud patékadanana. “Kuring bosen hirup sangsara,” pokna. Kapaksa kuring jajap, sakumaha paméntana.

“Heug atuh ari kitu mah. Ngan aya saratna. Hidep kudu ngawin salah sahiji parawan nu ku Aki geus disadiakeun.”

Balik ti gunung K, paromanna katingali sumringah. “Geuning saratna énténg pisan,” cenah. “Ukur kudu ngawin parawan pinilih. Jaba geulisna kawanti-wanti deuih.”

Anapon kuring, masih kénéh ngadégdég alatan manggih kareuwas nu banget kacida. Sabab, parawan nu rék dikawin ku si Uking téh sidik ceuk panénjo kuring mah, salah sahiji oray gedé naker di antara dua oray nu disogrogkeun ku Aki Kuncén.***

WANCI HANEUT MOYAN

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 13:17:04

Wanci haneut moyan, Aki Dampi manggih orok ti walungan. Satengah abad nungguan budak, ayeuna karék laksana. Nini Dampi jigrah pisan. “Néangan pangais, Aki. Tuh, kokoréh kana tempat runtah, sugan aya sarung butut!” pokna ka Aki Dampi nu keur mémérés saung tina kardus, sina leuwih buni, ngarah orok teu tiriseun. “Montong sina nyusu ka Nini, da moal bijil,” Aki Dampi ngagebés, neuteup orok geugeut naker. “Bodas, kasép, beresih. Ku Aki rék dingaranan Ogin Amarsakti!” bari tuluy kokoréh deui, néangan barang nu sakirana mangpaat keur orok. Heuleut tilu poé. Nini Dampi keur ngéyong orok bari moyan. Ti lebah walungan Aki Dampi ngurunyung. Nanggeuy orok. “Si Ogin bogaeun adi, Nini!” pokna. Nini Dampi kerung. “Ku Aki atuh nu éta mah éyongna, riweuh!” Nini Dampi melong orok. “Enya, cekelan heula, Aki rék nyokot nu séjénna. Aya tilu deui.”

HARI KARTINI

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 12:10:14

Gégéléhéan na enggon ngaleupaskeun kacapé, dibarengan sakadang jikan nu tas pertemuan dina hari Kartini beurang tadi. Bahamna norowéco nerangkeun émansipasi. Kang, kebébasan beréksprési téh lain ngan dina urusan seni jeung gawé waé, cenah bari manéhna teu ringrang ngabukaan sagala nu napel dina awakna. Teu wudu kolor jeung kaos kurung kuring jadi mangsa manéhna na peuting harita. Teu lila ngalacat tataékan, abrug-abrugan ngacung-ngacung leungeuna siga nu nangtang ka bulan. Sagala diragapan, sagala dirawélan meus-meusan ungkug-ungkugan. Teu sawatara waktu ngarumpuyuk bari nyorowok siga nu keur démo nurunkeun hahargaan. Ngalumbruk teu walakaya siga kapas katiisan, tinggal haréwos kuring kana ceuli katuhuna, Alhamdulillah, nuhun Enung, ieu hari Kartini nu munggaran keur akang tisaprak dua bulan urang panganténan.

Bapa-bapa Selamat Hari Kartini, cék kuring na jero haté. Pikiran mah masih kénéh ngarancabang mikahayang pamajikan ngaguyah-guyah kuring, terus nyorocos nyaritakeun Kartini deui engké janari.

PERSIB ELEH WAE

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:49:53

euh....
hanas meuli tipi anyar

COMOT DAGE

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:48:33

Sanajan pangawakan peceklek leutik, Ki Medi tara eleh gelut. Minangka jurus pamungkasna lamun kadeseh ku musuh, sok ngagunakeun jurus 'comot dage'. Saperti harita, geus meh beak tujuhwelas jurus musuh Ki Medi, Bah Rewi can nyerah wae. Barang Bah Rewi narajang rek ngadagorkeun peureup katuhuna kana careham, Ki Medi ukur ngareundeukeun awakna. Katingali kantong semar Bah Rewi taya aling-aling. Bari ngagorowok,"cooomooot daagee!!" gerewek, cet, kantong semar Bah Rewi dipencet satakerna. "Wadaoooow, jadah siah, kanjut aing......" Bah Rewi burial buncelik. Bru nambru teu walakaya, bari nungkupan pabinihanana.

2 MEI

Kénging Riyono Afdfvm
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:31:44

Tiap tanggal 2 Mei, tiap kabupaten/kota rame ngayakaeun upacara HARDIKAS, tapi asa sepi nu karasa ku kuring. Naha ingetna ngan tiap tanggal 2 mei wae kitu. Loba berita di koran atawa di tipi, mahasiswa, palajar garelut, aya mahasiswa atawa palajar nu teu bisa nuluykeun sakola alatan kolotna geus teu mampu mayar beaya sakola. Aya deui berita di kota sakola SD ruksak malahanmah rugrug. Aya deui berita cenah hampir 50 % leuwih budak sakola tingkat SMP/SMA nu geus ngasaan siga salaki jeung pamajikan komo deui tingkat mahasiswa mah. Loba keneh sakola nu kakurangan sarana, diajar make bangunan sika kandang munding. Cenah ceuk beja pendidikan teh penting jang ngawangun nagara, teu ngarti. Milujeng HARDIKAS

ANJING JEUNG KEMBANG

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:30:34

Tadina mah rék papada surti. Hayang silih ragangan. Nu lalaki resep miara kembang, nu awéwé resep ngukut anjing. Mimiti robah téh, basa duanana sok sindir sampir. “Ogog, ari kembang tiasaeun ngagogog?” cék nu awéwé, ka anjingna. “Kutan, Embang téh dilétak ku mahluk najis? Kedah diwasuh tujuh kali atuh!” walon nu lalaki. Kitu jeung kitu wé. Puncakna dina hiji peuting, duanana pacéntal-céntal. “Teu kira-kira, anjing dibawa ka tempat saré!” cék nu lalaki, bari nalapung anjing sahabekna. Anjing ngaguik, nu awéwé ngabangingik. Tuluy gor-gar paséa, silih taranjangan kasalahan. Nu awéwé ngajak pukah. Nu lalaki geus ngabarkeun balati… Can tutug lalajo film téh, kagareuwahkeun ku nu muka panto kamar. “Akang mah pikaseurian, lalajo tivi bari buligir, ngalahun pot kembang deuih!” manéhna nyampeurkeun. Teu nyorangan, aya nu dipangku, huluna euleugeug ti lebah harigu. “Mun jelema mah, keur harééng ieu téh.” Bari digolérkeun dina kasur, gigireun pisan. Bangusna karasa tiis kana tonggong.

BUDI PEKERTI

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:16:33

Loba nu apal. Saeutik nu amal. Ukur jadi catur. Leungit tanpa bukur. Diadu-renyomkeun. Dipaké perang tanding. Ambéh siga, jauh ka enya. Luntur. Teu di imah teu di sakola. Kitu deui di padépokan.

"Kumaha atuh ?"
"Teu kudu kumaha. Tinggal prak."
"Saha nu kudu prak téh."
"Nu ngarasa jadi kolot. Boh umur boh luang. Kitu deui nu boga daluang."
"Ari nu dicontoan ?"
"Saréréa. Ti nu masih kénéh dikandung tug nu geus deukeut ka padung. Saméméh dipapag ku nu dipikasieun, tapi yakin bakal datang. Najan tara méré iber."
"Ti iraha ?"
"Ti ayeuna. Tong diisuk-pagetokeun. Kaburu poho. Panyakit manusa. Sing mangpang-meungpeung. Meungpeung rinéh méméh riweuh."
"Ari nu dicontokeun ?"
"Uswatun hasanah ...."

( Dina raraga mapag poéan tanggal dua Mei )

SANTRI GOYANG

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:08:51

Sanggeus genggerongna ‘digurah’ dua-tilu kali ku ajengan, sora jang Santri jadi halimpu. Matak dedengeeun. Kungsi ngilu lomba tilawah. Juara. Beuki sohor, boh di pasantren boh di lemburna, jang Santri hade sorana. Beres masantren nyiar kipayah ka kota. Sabulan aya nu ngajak ngamen, katilu bulanna jadi penyanyi dangdut organ tunggal. Pleng mangtaun-taun…
Hiji mangsa jang Santri balik heula, sono ka lemburna. Sono ka ajengan, sono ka pasantren, malah ngahaja ngendong di kobong sagebrug jeung santri.
“Kang, HP yeuh disada!...”
“Heug! Ke sakeudeung.”
Balik ti cai, rohangan kosong. Barudak santri geus arindit ka masjid. Gep kana HP. Aya SMS.
“Yaank..nanti malam kita goyang lagi ya…?”
Deg!!
Sabenerna SMS kitu teh geus biasa. Tapi naha didieu mah asa ngagebeg? Aneh? Gek diuk. Ngahuleng. Ret ka kenca-katuhu. Pabalatak kitab urut ngaderes barudak. Jurumiyah, Ihya Ulumud-din, Tasawuf,... Lapat-lapat suanten ajengan nuju medar kitab Tanbihul-Ghofilin. Jang Santri ngaheruk. Cipanon ngembeng. Geuwat wudu. Durugdug nuturkeun ka masjid.
[]

ISSUE...

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 11:05:25

Haseup. Ngelun sagédéngeun téténggér. Wanci janari leutik. “Cek, kamera tilu?” sora tina HT, meupeuskeun simpé. Getih ngocor, laju rembes deui ka jero taneuh. “Kumaha? geus jiga pan?”ceuk lalaki, nu titadi manco monitor dina mobil van. Isukna, salila tilu poé, tiap infotainment nyiarkeun carita ahéng. “Kuburan Kaluar Getih.” Dihiji rohangan pengadilan Tipikor, Hakim mutus Bebas… *1.

PÉSO SAMBER NYAWA

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 10:07:17

Péso nu geus dipaké ngarogahala téh teu jadi dipiceun. Diampihan baé di goah. Cék pikir moal kapanggih ku batur ari ditunda di goah mah. Kaasup ku pulisi. Tugas téh can anggeus kénéh gening. Masih loba nu kudu dirogahala. Nya poé kemis péso téh dibawa ka panday. Maksudna éta péso rék dilebur deui, tina hiji jadi tilu péso laleutik.

Wanci haneut moyan, indit ka panday. Péso geus jaradi; tilu siki. Reugreug ayeuna mah sidik jari geus ilang. Ganti ku péso anyar. Laju indit ka mumunggang gunung. “Bet…bet…bet…”. Tilu layon geus ngagalolér ku tilu péso nu béda-béda.

Dina jero botol bir, salapan ngaran ting arangkleung keur kokojayan.

SI KABAYAN JADI KOMANDAN

Kénging Dadan Wahyudin
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 09:38:59

Si Kabayan dititah ku Kapolsék ngabariskeun pasukan polwan. Paréntahna: "Siap geraakkk...!!! Isteri opaaatttt...grak!" Pasukan ibu-ibu polwan lain istirahat di tempat. Tapi tinglaléos bubar bari jarebi. "Nurustunjung, sudi teuing siah...."

KERJA BAKTI

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 09:21:34

Abong ketua rw teh anyar kapilih, getol keneh digawena. Mus-mus torojol edaran ka imah: minggon ieu bapak-bapak kedah kerja bakti. Mun teu tiasa, kedah masihan acis, cenah. Kerja baktina lain leutik2--mun teu ngeruk taneuh ti walungan nu geus deet, ngored palebah masjid, atawa ngored sapanjang jalan desa.
Nya lain pagawean leutik pikeun uing mah nu sapopoe gawe tulas-tulis jeung maca buku. Mun geus kerja bakti teh awak asa siga geus aya nu nenggelan. Nyareri. Ari teu milu, salain acis teh teu aya teras, oge bisi jadi picariosen batur. Tah, si akang eta mah teu parok jeung batur. Sombong.
Kaidean ku pertahanan catenacio Itali, uing ngaracik taktik bertahan tina kerja bakti. Taktik kahiji, mawa pacul nu dihaja doranna jeung ceuli pacul dilogoran. Mun dipaculkeun sakali atawa dua kali, eta ceuli pacul teh langsung coplok. Pami tos coplok, gancang nyarios rada tarik, Duh coplok euy! Geus kitu mah, api2 we ngabebener doran.
Taktik kadua, ngaharewosan si Aa--budak nu kadua uing. Kieu ngaharewosna, Ke geus aya satengah jam, bapak samperkeun. Terus Aa nyarios, Pak ka dieu cek si Mamah. Aya tamu. Hade oge tah taktik ieu teh rada manjur. Ha ha.
Taktik katilu, api-api sibuk mantuan Pak RW cutat-catet saha wae nu teu kerja bakti. Map dibabawa. Gawe berat mah antep we batur. Palebah ngopi, gek weh diuk cakeut bala-bala jeung cikopi. Terus laporan ka Pak RW. Hade oge tah taktik ieu. Heuheuy.
Tah, tilu taktik rahasia ieu teh dipake selang-seling. Kumaha situasi.
Ngan, si aa betus ka Pak RW basa Pak RW--nu sakaligus guru ngaji si aa--ngajarkeun pentingna boga akhlak jujur. Ti saprak harita, uing jadi hese menta tanda tangan ti Pak RW. Alesanna, teu aya Pak RW mah. Teu acan mulih.

GAJIHAN

Kénging Ida Rukmana Ida
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 09:17:22

Lengkahna sumanget bari ngadadak bear budi kahayangna narembongan deui, najan aya pasualan jeung RT can rengse.Kasawang pamajikan bakal atoh nu biasana nampa ukur sesa, ayeuna karek nampa weuteuh.Tapi geuning paroman pamajikan jamedud bari ngagantawang pokna teh."Jadi pagawean akang unggal dinten teh tutulisan kieu,bari nembongkeun HP ."Mah ieu gajih weuteuh?."Eu,janten gajihan sasih ayeuna weuteuh kang?.."Muhun HP akang simpen deui bae,akang hampura hilap rarasaan teh teu boga pamajikan.

SEKAR MANGLE

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 08:37:28

"Pa, ieu aya mangle!" si Rosi budak OSIS ngasongkeun majalah. Geus apaleun yen kuring resep pisan kana mangle. "O, mana, dieu!" majalah ditampanan. Diilikan jilidna. Gebeg. Gambar wanoja dina keureutan beungeut anu geus apal, anu pernah diukir dina kolbu mangtaun-taun kahudang deui. Keureutan beungeut nu pernah ngeusian lolongkrang hate mangsa rumaja. Mangle dibuka. Asti Lestari, sekar mangle. Breh lalakon tresna di taun dalapan puluhan. Boa aya patalina?
Sadatangna ka imah, muka buku telepon. Breh aya ngaran nu baheula pernah jadi kacapangan. Nu sok kaimpikeun lamun peuting. Nu sok kapicangcam lamun beurang. "Halo, dupi ieu leres sareng Bu Astari?" geter hate nu ngabalukarkeun sora jadi haroshos. "Sumuhun, saha ieu?" sora nu rada beda jeung baheula, tapi warna sorana geus apal. Teuing beak sabaraha rebu eta pulsa. Nu penting manggih kacindekan, nu jadi sekar mangle dina edisi eta aya getih kuring nu ngocor dina dirina

LAMUNAN NU SEWAKA

Kénging Atep Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 08:01:18

Gap kana koropak beureum ati. Gambar naga pabeulit jeung kekembangan. Blak muka lempir. Urut peso pangot ngagurit. Daun garing nyempring. Semu coklat. Semu peang. Huruf-huruf tutung. Tapak muncang atra pisan. Katingali lalesang, harerang.
Breh kabaca, kawih panyaraman. Kalimah-kalimah pituah. Kalimah-kalimah Sang Ayah, nu kahaatna teu weleh natrat. Ngagerat tina pustaka-pustaka darma. Dihariring-hariring. Diuni-uni. Ngudag gurulagu, ngala guruwilangan. Teu wasa ngilo, wungkul milangan. Baham ngocomang. Narabas lalakon kahayang, ucapan, jeung pikiran. Murub muncar. Melesat cika-cika ti sakala. Nincak dora-dora naraka, dihagal Sang Yama, direreweg Sang Sobeyay. Ka sawarganing kekembangan. Mucukna di uwung-uwung jatiniskala.
Tapi naon ieu aya nu ngabebetot kanteh jingga? Moal kitu, nu geus dipinangan ngudag? Sanggeus tadi dioconan, di huma, basa maca Siksa Guru. Moal kitu, rara hulanjar nu cugenang tuangna? Sanggeus tadi diheureuyan sabuat maca Diksa Guru. Sanggeus lawas, Pwah Aci Kembang teu ngalanglangan.

NGARAHUL

Kénging Wasta Pun Arie Stanzah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 07:57:59

"baheula mah jang jaman keur ngora, Aki mah tara eleh gelut", saur pun Aki muka obrolan pasosore di tepas imah.
"percanten atuh Ki, pan Aki mah diajar silat ti bubudak, di ajar usik ti leuleutik, di ajar jurus ti lelembut, maenya weh kedah kawon dina perkawis gelut mah", walon kuring bari ngabebenah posisi sila, "Mah....ngadamel kopi !!!!", soalna ieu obrolan pasti bakal nepi ka adzan Magrib.
"ngan hiji nu dipikaheran ku Aki jang, mun keur gelut teuing saha nu meunang ??", tembal Aki bari ngalinting bako mole dina daun kawung.
"harrr, naha tiasa kitu Ki ??"
"heueuh da Aki mah mun gelut teh teu weleh kapiuhan"
"hehehehe, dikantun heula Ki, bade ka tajug heula bade ngalereskeun kusen panto....Mah, kopi teh ngadamel hiji we kanggo Aki hungkul, mangga Ki permios".

PAKAULAN

Kénging Iberani Man
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 07:47:47

Karék asup bulan katujuh. Jiga geus te kuat, kaluman ku ngadilenna meureun. Keur kitu kapireng sora pamajikanana, "sing sabar wé, kang! Lakonan masing tawakal." nu diélinganana ukur ngarérét semu ngahelas. Ngawawaas karep nyérangkeun nu mingkin gamuleng baé. "Duh, gusti, bongan uing" gerendengna. Pamajikanana nyikikik, bari pok, "taktagé tong sok saucap-ucapna, kang!" "ih, panan nadar akang mun tulus kawin ka nyai, tatéh!" témbalna. "Muhun, tapi nyiksa karep akang mah!" lambé ngarenyu. Teu bisa némbal deui, rumasa. Kahayangna geus rék sagapruk-gaprukna waé. Hanjakal kapegat kaul sorangan, jangji moal ngosok huntu jeroning sataun, mun pareng tinekanan rasmi ngajadi ka nu jadi pamajikan ayeuna.

TAMAT SAKOLA

Kénging Jajang Arohmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 07:19:03

Satutas UN kuring atoh kacida. Bébas! Teu bébas kumaha. Sakola tamat. Teu kudu diseragam. Rambut gondrong moal ditegor. Rék ulin iraha di mana, teu sieun razia. Saré sawaregna, beunta sakahayangna. Moal digugubrag. Moal sieun disebut kabeurangan. Kumaha aing wélah!
"Euy manéh rék mimiti ngagawéan naon mun tas tamat?" Panasaran nanya ka babaturan. "Uing rék momotoran 24 jam! Knalpot diblongkeun. Kagok gandéng!" Si Udin némbal pangheulana.
"Kuring mah rék ka tukang loak. Ngajual seragam jeung ngilo buku! Tuman tuda, geus weureu nénjona" Si Asép milu némbal.
"Ari nyanéh rek naon Jang?" Si Udin malik nanya.
"Ah uing mah rék utang-itung heula" "Ngitung naon kitu?"
"Rék ngitung kekecapan nu moal deui kapaké ku uing. Kecap Ujian, Ngapalkeun, PR, geus dicorét tah dina otak uing mah. Trauma deuleu!" "Ari maranéh kecap naon euy?!"

CAU DIPULUNG LEUPEUT DIPICEUN

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 06:21:31

Eta awewe biwir rombeng tatangga kuring teh ampir unggal poe teu weleh ngajejeleh anak gadis kuring. Pajar tomboy, resep ulin, bangor, jsb.
Tah ayeuna kabuktian geuning. Anakna kapanggih modal geus reuneuh tujuh bulan. Kakara ayeuna kapanggihna da katutupan ku jilbab nu gombrang gagayabagan.
Anak saha nu bangor? Anak saha nu rucah?
Anak gadis kuring mah kajeun kasebut tomboy, resep ulin jeung sajabana tapi bisa ngajaga diri jeung kahormatanna?
Tapi anak anjeun, awewe sungut ember!
Cau dipulung leupeut dipiceun
Hulu ditiung heunceut dibikeun!

NA KOTAKAN NU ETA

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 06:16:18

''Meugeus,montong jebleh wae, ke hayang daang ngeunah mah abah rek mawa berekat balik dihiras ti Bi Haji!"Mang Samid semu nyengor mireungeuh si Sadung lewa-lewe pedah tobasna ngan ditumpangan beuleum seuseur gegesek catok.
Nu lain jrat jrut kana anglereun.
''Eeeh....hengen mang, karah ngajentul...!, kaburu sumping juragan keh, siga nu teu apal wae!''.Angger ngahuleng cinutrung na pongpok saung.
''Hayang kawin deui mang?, ger sareuri.
Siga nu embung dipindo gonjak,manehna terus misahkeun maneh rada beh girang bari semu lulumid.
Pareng wanci rumangsang Bi Haji ngeyenen nganteuran deungeun ngopi. Nu misahkeun maneh teh pada nyalukan,teu malire karah matung, leungeun pageuh nyekel doran pacul.Panasaran digeubigkeun,oyag kabeh!
Nu matak ngangres mah pan sawatara bulan katukang, Bi Mamah pamajikanna geus kapanggih heuras nyangkorah na dapuran segon mangsa ngilu derep. Lebah dinya pisan.

PEUTEUY

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 05:36:43

Jungjunan..., sakedap deui Nyai bakal sumping ka bumi salira" gerendeng teh bari ngaca, cindung dibebener, bari terus ngararata wedak lebah pipi. Leos kaluar ti kamar, muru motor nu geus ngajagrag di teras. Gerung distarter. Leng ngahuleng, bet asa aya nu tinggaleun. Euh enya, karek inget, enya apan rek ka imahna teh rek nembongkeun kacinta ka manehna ku cara mere kabeukina, sapuluh papan peuteuy tanda cinta ka manehna.

DINA HIJI PEUTING

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 05:12:02

"Ujang...." ceuk Bapa daria pisan. "hidep teh kasebutna lalaki nu mangkat dewasa, jaga dina waktu nu geus tangtu, Ujang teh bakal jadi hiji bapa nu kacida pentingna pikeun anak pamajikan, ari nu kasebutna anak eta teh titipan ti Nu Maha Kawasa, sedengkeun nu jadi pamajikan taya lian ti tulang iga hidep, kade eta tulang iga teh ulah dilalaworakeun, pikanyaah bari pikacinta kalawan ku kaweningan, tungtun tuyun anak pamajikan ka lebah jalan nu dipikarido ku Pangeran, sabab nu disebut anak pamajikan teh amanah ti nu Maha Kawasa......"
Kuring ngarenghap bari neuteup Bapa nu teu walakaya alatan panyawat sepuhna.
"Ujang, kade.... Ujang teh lalaki nu kudu bisa ngaraksa ngajaga kulawarga, hidep teh bakal jadi papayung pageuhna rumah tangga, hanca lumampah hidep teh masih panjang, tangtuna ge kudu dilakonan bari kudu bisa nyieuhkeun gogoda....." ceuk Bapa bari neuteup seukeut. Deui-deui kuring ngarenghap bari ngusapan panangan bapa

BOEH

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 03:49:00

Hiji waktu aya parawan maot.
Kulawargana ngabungkus ku boeh pangalusna.
Sedéngkeun di eta lembur,katelah sok leungit bae boeh.
Enya we,karek ge tilu jam,parawan dikurebkeun,,nu maling ngulampreng ka lebah tunggul kuburan.
Saeutik-saeutik kuburan digali deui bari luak-lieuk sieun kapanggih.
Dibuka papanna hiji-hiji,boehna dibuka bari kunyam-kunyem babacaan.
Awak parawan geus buligir,boeh geus diasupkeun kana keresek,nu maling reuwaseun.
Eta parawan ceurik ngabangingik.
"Na parawan teh,make ceurik sagala" ceuk maling
teu lila nu ceurik eureun,pok ngomong rada tarik bakating ku ambek.
"Anjeun kudu kawin jeung kami,teu suka aprak-aprakan,teu sudi abrig-abrigan,bongan saha geus ningali sabuligir awak kuring" ceuk parawan bari metot ka bitis maling

TEU TULUS JADI PETINGAN

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2012 03:39:13

Peuting ieu jungjunan, langit imut bagja. Bentang jigrah, cahyana igel-igelan. Emut harita, basa Akang mentang bulan di basisir asih, keunana bet ka sagagang kembang. Jungjunan nuju ngumambang, cinta ilang kagembang.
Peuting ieu jungjunan,,
"Heup, tong dituluykeun ngalamun na, hayu urang ngalongok incu tea. Geus asa dina kongkolak yeuh. Buru!"
"Dasar nini-nini teu nyastra. Ngaganggu we kabisa teh. Jadi buyar.Mangkaning hese deui manggih ni'matna mikmin model ayeuna."
"Meunggeus, mikmin we nu disebut teh. Buru urang ngasuh incu."
"Teu kabita atuh ku kekecapan nu sakitu endahna? Baca geura eta basa panineungan teh! Hate seungit deui geura."
"Hate bisa seungit, awak bau kuburan. Buru!"
"Kagok, rek dibereskeun heula."
"Bereskeun mah tuh suhunan bocor, lain jungjunan."