Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 April 2012 (53 Naskah)


KAMUNING

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 23:30:30

Ligar mangkak mapaésan taman. Seungitna nyambuang minuhan rohangan, kabawa angin tina jandéla nu ngahaja dibukakeun. Anteng neuteup kembang nu konéng camperenik. Kembang nu tulatén diurus, dipusti-pusti. Haté kumalayang. Ras inget kanu melakna. Nyawang mangsa munggaran kembangan, nu ngajadi saksi hiji pasini. Nu diteuteup bangun imut, surti kana eusining haté. Mangsa kembang geus lila ligar, pasini ukur subaya nu sulaya. Laun-laun puray mareng jeung kembang nu mimiti layu, murag, ngarangrangan. Saban kembangan, nungtun ngungun, nyeuitan haté nu tunggara. Unggal usum. Teuing geus sabaraha kali usum.

PANANGGALAN

Kénging Meyz-Moelz Meliawati
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 23:00:51

Kuring neuteup pananggalan nu geus jadi saksi mangsa lalagasan, angka-angkana maruragan bari ninggalkeun panineungan, panon neuteup ka lebah kulawuna rohangan nu geus teu caang.

NU NGAJANTENG BADA MAGRIB

Kénging Didin Tulus
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 22:57:36

Teu weleh hemeng kuring mah. Sok sanajan katingalina ku juru panon. Eunya da ari neuteup sacara langsung mah teu wani. Lain pedah kuring borangan. Asa ku teu pararuguh unggal ngaliwat ka Jln. Cileutik-Santihong palebah kuburan Cina manehna nangtung bangun ngumbar ka alum. Lain sakali dua kali kuring manggihan maneh nangtung didinya. Jeung didinya deuih ngajenjeunna. Naha, aya nu di tungguan kitu?
Siga tadi basa balik magrib jaba hujan gede kuring lulumpatan bari pakupis jeung pipikiran.

GUNEM CATUR NU NGALALAKON

Kénging Remi Sadkar
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 21:27:48

"Sakapeung sok hayang baruntak kaula mah, Kang! Mangga wé galih, keur nanahaon urang kudu silih telasan dina pangperangan? apanan urang téh baraya, lin?" ceuk Yudistira semu ngarahuh. Walon Suyudana, "kunaon, Yi? geuning teu sumerah pisan? Kieu Yayi, urang tuluykeun wé darma wawayangan téh, da hampang ieuh!" Nguping kasauran ingkang raka kitu, Yudistira, ngabetem. Pikiranana ngabelesat, pabaur jeung jamparing nu pating belesur nyungging langit luhureun palagan. "Aya nu kaémut, Yayi?" Yudistira gogodeg. "Masing inget, Yayi! Urang mah wayang! Nu hirup tina keclakna mangsi. Enya, urang mah carita nu dianggit geusan kumawula ka nu boga maksud," Suyudana ngélingan. "Leres, Kang! Urang aya lain pédah hayang, kahartos. Ieu lalakon keur anjeunna, urang ulah rék baha." Yudistira karak ngarti. "Tah, kitu, Yi! Yu tuluykeun deui, karunya kanca-kanca, kaburu narangtukeun tujuan séwang-séwangan!" "Mangga, kang! Palangsiang kanca kadon ngahudang bendu anu ngarang," pokna, bari nyéréngéh ka lebah nu keur uleng maca...

SODAQOH

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 21:25:17

Meuntas rél karéta nuturkeun bujur beus kota. Waktu beus DAMRI ngénca, mobil gancang digas. Lempeng, teu milu méngkol. “Perboden, abah” incu nu diuk gigireun ngagorowok. Reuwas, gas dikendoran tapi da geus kagok. Di hareupeun, budak ngora maké saragam geus ngajega. Priit, sora piriwit nitah eureun. Mobil di ka sisikeun. Manéhna nyampeurkeun bari morongos. “Kamu engga liat rambu-rambu, ya. Mana surat-suratna?” Lainna ngahormat jeung méré salam heula, éta babasaanna gé pikaresepeun peureup. “Ari sia teu neuleu aing geus cetuk huis kieu, ka kolot ngamanéh-manéh” bati kutuk gendeng jero haté. “Aduh punten pa, numawi tos lami tara ngalangkung kadieu manawi téh henteu perboden. Kaleresan rusuh kedah ngabujeng ka gedong YPK” ceuk kuring bari ngasongkeun SIM jeung STNK. Dina lipetan STNK diselapan salambar lima puluh réwu. Susuratan ku manéhna diilikan, teu lila dibikeun deui. “Sanés waktos mah rambu-rambuna diperhatoskeun pa, hatur nuhun wilujeng siang. Mangga dilajengkeun” ceuk manéhna rengkuh.

SABADA HUJAN

Kénging Iwan M. Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 21:15:44

Bulan nyangsang dina mega malang. Angin peuting mimiti nyaring. Nyasar saban jasad nu masih ngajungkiring. Di jalan-jalan baseuh kandaraan geus pati carang. Ukur kalan-kalan hiji dua melesat tinu peteng kanu keueung. Muru pangreureuhan. Ngudag jeung diudag waktu. Mangprung ngabengbeos ninggalkeun tapak jaman teangeun isukan.

Di juru parapatan, handapeun tangkal mahoni kacaangan lampu merkuri, dua nonoman masih keneh guntreng anteng meupeuskeun kasono. Mungkas mangsa silih anjangan seja ngababakan dina kakangen anyar nu baris diukir ku hatena sewang-sewangan. Ngembat di antara maranehna duaan. Sapanjang jalan. Sapanjang waktu nu lumaku. Isuk jaganing geto baris tepung deui mudalkeun kasono sanggeus rupek dina dada.

DONGÉNG BARI

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 21:01:11

Ewé keur bendu, ja kupédah ka darénten kula embung maturan. Peutingna manéhna miheulaan saré jeung si nong, budak nu bungsu. Tutas subuh kula saré deui, bari disasarung kénéh ja tunduh jasa. Aya nu ngarawélan kana sarung. Mimiti ti handap,laju ka luhur, ngarawél bobogaan . Bari angger peuereum, kula ngudar sarung. “Ewé ngajak wawuh”, ceuk pamikir. Nu ngarawélan beuki kerep, ngerewesan, campur jeung ngaletakan.
“Aajaooow......” kula ngajerit ja bobogaan aya nu ngegel. Katénjo dua anak ucing meujeuh kumincir keur arulin na puhu suku.

MANTEN

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 20:40:10

"Numutkeun étangan mah, nyésa tilu Pa! Rupina sanés landonganeun dokter ieu panyawat téh. Bilih aya janji atanapi... " Pokna, teu kebat, kalah malikeun kalénder urut nu tadi dipaké kutrat-kotrét. Leng mikir. Imet, kabéh diinget-inget, tapi weléh. Kalah rus-ras ka ditu ka dieu. Hasil ronsen, nu majar séhat cenah. Obat antibiotik, hérbal.. Lah kalah pahang baham, matak teu ngeunah létah. Ari panyakit kueureun jadi, teu daék leungit! "Bapa! Pa! Saéna mah saénggalna dilaksanakeun!" Manéhna ngagebah. Rét kana kalénder urut. Sidik tauna, 2005. Hah! "Ké...ké! Ari ieu asa gambar kuring?" Kuring malik nanya. "Muhun, Pa! Waktos badé nyalon téa. Saurna janten, nya?" Astagfirullohaladzim! Pas maca tulisannana. "InsyaAlloh amanah"

NYAWANG PEUTING DI SYAUQIYA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 20:02:07

Geus aya sajamna ngaliwat tina adan magrib. Langit masih cangra. Dina ramo nyelap Marlboro bodas. Haseup nu nyerebung, seungit, tuluy ngambul nuju langit mekkah.
" Syuff hiina ya buya,,bi kam ilal harom..homtsa ta'asar, bas.." ceuk kuring ka supir taksi. " Mafh kadalik, ya hajj..isyrin riyal, tafaddol. "
Gek, gigireun manehna. Geus lila ngawangkong, kakara kanyahoan yen manehna aslina urang uzbeks, nu ngungsi ka mekah basa keur aya perang campuh di nagrina. Pamajikan jeung anakna mah jadi korban serangan nu ngabombardir lemburna, cenah.
Tengah peuting. Balik deui ka maktab 107. Headset dipasangkeun. Mapay-mapay trotoar syara' sittin, bari nuturkeun haleungna nancy ajrom jeroning hate " Biyahsibuniy..anka asyimtak, minka busyirtak..halumm alaih.."

DI SAKOLA TK

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 19:45:43

Nya didinya, di sakola TK, teu weleh rame ku nu cacarita, ngadu renyomkeun nu teu puguh alang ujurna, ti poe ka poe gawena parasea marebutkeun uang saku keur piknik ka mancanagara, lain, lain teu boga kaera, lain teu boga sopan santun, da memang kitu kayaannana, geus jadi adat barudak TK, papinter-pinter bari kabalinger, horeng simanahoreng keur dialajar paripurna

HARDIKNAS

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 19:40:17

Ngeunteung sakali deui. Jas takwa jeung calana panjang hideung sawarna, kain dodot motif rereng, jam rante pamaes, selop jeung bendo. Kumplit. Teu nyoren keris pajarkeun ngajak perang.
Jrut tina mobil. Antare nuju ka rohangan guru. Barudak pating kecewis. Sup ka rohangan kasampak guru sejen geus daratang. Marelong.
“Pa Deni teh bade ngajar atanapi janten Pager Bagus?” Kuring malik. Kapala Sakola.
“Tangtos bade ka kelas pa.”
“Pa Deni kan terang aturanana, di sakola mah aya seragam. Teu sagawayah atuh….”
“Pakean adat mah pak langkung luhur ajenna batan saragam sakola...”
Kapala Sakola megat, “salaku Kapala Sakola, kuring marentah Pa Deni ulah asup ka kelas.”
“Kuring teh guru, kudu ka kelas. Ngajar.…”
“Guru mah kudu nyontoan ka barudak. Disiplin. Ulah mawa karep sorangan.”
Teu kanyahoan leungeun aya nu metot. Satpam. Digusur ka luar. Ieu teh Hardiknas piraku teu meunang make pakean adat.
Langsung asup ka kelas.

SOSI

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 19:19:11

Taun-taun kalarung. Kiwari patepung deui. Angin nyéor nepikeun papada rasa. Sanajan paadu hareup ngan ukur silih rérét. Anjeun ngabetem. Kuring ngabalieur nyumputkeun cipanon kasono. Pada-pada bingung néangan kecap.
Haté kuring geus digembok. Sosina geus karahaan. Sosi diteundeun dina peti. Petina diasupkeun kana lomari. Lomari nu aya di gudang jero taneuh. Lomarina ogé disosi.
Moal, moal siga baheula..! Moal méréan lamun kudu pataréma. Moal aya ranggeum deudeuh. Moal aya tangkeup geugeut. Nahan diri tipepereket hayang geura-geura ingkah. Nyingkahan manéhna. Nyingkah ti ieu tempat. Mangkat sing jauuuh..! Tapi naha ieu haté beuki montél, beuki maskét..?!

DONGÉNG KUMIS

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 19:10:43

Blug. Kumis murag. Hadéna teu ngagejrét kana indung suku. Euleuh, naha geuning ngan sapotong? Mani nyeblok kitu tapakna ogé. Jukut lapang nu ngémploh tangka pérang katinggang kumis. Sapotong. Komo mun dua potong. Nu surak ayeuh-ayeuhan. Éak-éakan. Stadion inggeung. "Astagfirullah!" Koréjat. Luak-lieuk kana eunteung. Rumpu-rampa kana biwir. Naha kumis euweuh? "Nyai, énggal di jambanna, geura netepan..."

TUTAS ANOMAN NGADURUK ALENGKA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 17:44:22

Nya didinya handapeun tangkal nagasari, raja angkara neuteup dayeuh Alengka, sesa-sesa ruhak ngarerab amarahna.

FB

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 17:22:02

+ Kadang resep kadang henteu, fesbukan teh...Lolobana mah hoream!
- Naha, kang...?
+ ...Nyeta atuh, asa loba mudorotna! Loba hiburanana, loba bohong, loba wadul, loba ngomongkeun batur, loba heureuy, loba gosip, loba cawokah, loba...
- ...Tuluy kumaha, kang?....Kang?......kang?...........
......

KANG DOSEN

Kénging Neneng Sitanggang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 17:12:39

“Reading Comprehension” mahasiswi diuk pahareup-hareup, boh nu ngora atawa kolot singkil nyekel HP néangan posisi stratégis rék moto kang dosén. Mahasiswa nyarengléd, barangkenu pedah inceranna ngadodoho kang dosén.
Kuring néangan korsi rada tukang nyempod na tonggong Imron, tapi keukeuh kang Dosen sok ngotéténg nitah pindah kaharep.

Kang dosen asup dipapag imut mahasiswi. Kuring beuki adek kana tonggong Imron, bari tungkul curat-corét na agénda.

“Read page 89, comprehend and try to answer those following quéstions” paréntahna, jep kelas jempling. “Nuhun Gusti, salamét sigana ayeunamah.
Geus sajam kelas simpé, kuring anteng ngagambar karikatur kang dosen kumplit jeung sloganna. Kunaon si Indra tétéjéh?, bari ngetrok-ngetrok pulpen. “Paduli teuing EGP moal kapalang kacrut kuliah téh”.

“Ehmm” sora tukangeun, kuring malik, “Gusti Nu Agung!.
“Nice painting Nina!, Its me? Isn’t it” sorana halon ditompokeun kana ceuli.
Hek nafas eureun, awak asa ngoléang. Si Imron jeung si Indra jempé teu walakaya.

HARITA

Kénging Ki Reumis
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 16:55:24

"geulis keneh..."gerentesna basa si mojang ngareret.Sajongjongan taya nu lemek,ukur kadenge sora aworna hujan jeung engapan nu siga di udag jurig.
Pada aranteng nyaba ka lamunan sewang-sewangan...teu lila si lalaki nanya meupeuskeun lamunan si mojang semu haroshos "lungsur palih mana neng ?. "seep tanjakan we mang.."walon teh Desi Ratnasari tijero beca bari leungeunna tetep pageuh nyekel karung.

FB

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 16:50:07

+ Kadang resep kadang henteu, fesbukan teh...Lolobana mah hoream!
- Naha, kang...?
+ ...Nyeta atuh, asa loba mudorotna! Loba hiburanana, loba bohong, loba wadul, loba ngomongkeun batur, loba heureuy, loba gosip, loba cawokah...
..................
- ...Tuluy kumaha, kang?....Kang?......kang?...........
.......

KUTANG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 16:27:52

BaléBandung asa suwung Pancaniti sepi jempling, kitu rarasaan Kangjeng Dalem Radén Aria Pancasona, sabot geureuhana mulang ka kolotna. Alatan teu sapira harita téh, tapi jadi ger paséa, pédah ngarérét badega awéwéna, Nyai Sarah keur mandi dipancuran. Tas mandi Nyai Sarah tuluy ditalek ku juragan Istri.
“ Sarah maneh teh tadi mandi, katempoeun ku juragan Pamegetnya?”
“ Sumuhun Juragan, jisim abdi meni nataku, isin pisan “
“ Nya keur kumaha atuh manéh téh bieu, maké isin sagala?”
“ Sumuhun Juragan basa abdi ngadeg muka kutang, juragan pameget ngalangkung, abdi teh da isin teras abdi meungpeun nganggo kutang.”
“ Eh, dodol atuh manéh mah, ari panon dipeungpeunan, nu séjén kamana-mendi”

PUTUSAN

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 16:21:06

Hakim Ketua jeung Hakim Anggota geus diuk dina korsi masing-masing. Tuduhan anu ngabeuratkeun geus disusun dina ratusan lembar keretas. Tapi aneh, basa macakeun amar putusan, nepi ka ahir sidang teu manggihan kecap anu netelakeun bukti-bukti anu bisa dijadikeun alesan keur monis tersangka. Kapaksa sidang ditunda nepi ka minggu hareup. Basa parahakim geus aya di ruang kantorna, maranehna tingharuleng, bingung mikiran kalimah nu ngadak-ngadak leungit tina amar putusan. Keur aruleng mikir, tina laci meja Hakim Ketua aya nu galecok siga nu keur ngobrol. Barang dibuka, burudul teh kecap nu leungit laluncatan ka luar. Buru-buru Hakim Ketua newakan kecap nu rek kabur, diasupkeun deui kana kanjut kundang, terus dikonci dina lacina. “Ke ge pasti kabagian kabeh,” ceuk Hakim Ketua bari imut ka para Hakim Anggota. Para Hakim Anggota ukur seuri maur....

SAGELAS MIX FRUITS

Kénging Nana Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 15:54:15

SONG, tisu salambar. Selengseng seungit kembang ros. “Eta damis karingetan!” Teuteup deudeuhna seukeut, tembus kana mamaras rasa. Aneh, bet bayeungyang. Pan mobil téh maké AC. Sabot nyusut késang, manéhna mangmenerkeun beuheung baju. Tonggong ramo-ramona ngabetrikan nu karisut lebah dada. Bari ngaléng, bus ka gedong, dipapag imut sohibul hajat. “Lega sareng raoseun gedong téh. Ké nikahkeun Si Tétéh urang di dieu, nya?” pokna. “Hun!” jawab téh bari haté seseblakan. Ceg, kana mix fruits. Beungeut Eulis kumolébat. “Kawitna mah hoyong dijajap ka uleman, sakantenan nepangkeun Akang. Si Adé mah urang titipkeun ka Mamah. Ari aya acara ka luar kota mah wios. Langkung penting. Abdi wé nyalira. Isin, rakana, réréncangan caket pisan,” pokna dina SMS. Aya nu ngajeletit. Ukur wasa ngégél biwir bari ngucek-ngucek gelas. Haté milu kokoléaban jeung buah nu warna-warni dina cai nu ngagedod jeroeun gelas. “Pa, ieu rai sobat ibu!” Ret, gebeg. Awak ngadadak ramohpoy. “Kang? Saurna ka luar kota?”

NU DIJAUHAN

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 14:54:17

Giak naker dipapancénan ngurus adi nu kembar sabot emih sareng apa ka Cirebon téh. Salsé, da tos bérés ujian. Méméh subuh, alarm disada. Panon rapet, jaba tiris, babakuna mah tunduh kénéh pisan. Ngong adan, gura-giru hudang. Gog hareupeun wadah beas. Lenggut. Sabot ngisikan, panon satengah peureum. Bérés dikanamejikomkeun gancang wudu. Teu lila, téko disada. Poho keur solat, tereleng mareuman kompor. Atuh solat balikan deui. Ngagoréng tahu terus nyeplok endog. Ngahudangkeun si kembar aya ku hésé, tungtungna disentak. Hing wé si adé ceurik, dituturkeun ku lanceukna.. Tutas nganteur ka sakola, ceg kana géroheun, seuseuheun, sasapuaneun. Ngan dua poé, awak asa pasiksak. Sabot méréndé si kembar, kagambar emih nu teu wéléh cipruk ku karinget. Sok dijauhan malah mah. Api-api sibuk. Duh, Emih…

WANOJA

Kénging Liezbella Swanzen
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 14:23:33

Wanci sareupna, angin pating saleor ngulinkeun katugenah nu dibawa ti imah. Suling nu silung, asa teu wawuh jeung wirahma, da puguh rasa kumalayang teu puguh eunteupna. Sok, ngasongkeun wadah urut bungkus permen nu pinuh ku receh, ka hiji wanoja nu anteng nenjo langit diluar jandela kaca beus. Aya nu tingsariak basa nempo panon eta wanoja, leleb, anteb, seukeut jeung jero, lir panah nu bisa meulah langit nu angkeb, --asa nyurup jeung warugana nu dibungkus ku pakean hideung. Srog, kuring ngasongkeun wadah leuwih deukeut kana awakna. Manehna ngareret. Teu lemek teu nyarek. Mencrong ku sorot nu bisa nembus kana jajantung, "Kudu turun ayeuna, benerkeun heula masalah", pokna teges, marentah. Kuring hareugeueun, kasima ku pencrong seukeut jeung parentahna. Linglung, tuluy turun tina beus. Ngeluk tungkul bari kerung. hawa tiis karasa nyelesep kanu sanubari.
Barang ret deui ka jalan, katenjo beus nyemprung satarikna, lempeng di jalan nu kuduna belok, da puguh hareupeunnana aya jungkring nu lungkawing. Awak ngabatu. Panon ukur bisa molotot.

KEUKEUH

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 14:12:23

Keur anteng ngalangeu di tepas hareup. Langit reueuk. Hate ngacacang ngawang-ngawang,rus-ras,mangsa nukaliwat nembongan deui."Jungjunan! teu kenging salempang, hate abdi kanggo salira,najan direremokeun ku Apa, kudu ka Rifan Sahrony. Teu deuk teuing." Bari ngusapan pigura nu aya poto manehna. Di luar langit beuki angkeub, kingkilaban pating burinyay marengan tungkebna rasa nalangsa nu teu paler. Paralak! kadenge,hujan mimiti murag ninggang suhunan,hate beuki sumpeg. Gebret! hujan gede pisan,marengan keclak cimata ninggang pigura dina lahunan.

ISUKAN KURING DIGANTUNG

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 13:50:31

Geus sapuluh tahun kuring ninggalkeun kulawarga di lembur.
Tujuan mentas sagara jeung nagara teh hayang ningkatkeun ajen,hirup jeung kahirupan kulawarga.Nincak tahun ka sawelas kuring aya dipangberokan.
Dunungan nu salila sapuluh tahun wales asih ka kuring.Robah adat ,budi jeung kalakuan.Barontakna kuring ka manehna ngabalukarkeun, pastina kuring nyanghareupan tihang gantungan.

PERSIB

Kénging Iwan Yuswandi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 13:08:59

"Din, ari persib meunang eleh?
"Keok deui Sep" ceuk udin.
"Beu! aya kukitu eta Persib ayeuna" ceuk Asep.

BOGAN SAHA?

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 13:05:53

"Lain embung tanggung jawab, Akang mah can siap hungkul. Gugurkeun we!" ceuk Kang Yuda. "Dosa teh beuki nambihan atuh,Kang." kuring nginghak, ngusap cimata ku tonggong leungeun. "Pokona mah Akang can siap! Boa eta anak Akang boa ti nu lian." Kang Yuda seuri sinis. "Fuck you!!!" kuring ngalayangkeun dampal leungeun kana pipina. Jeblag! Kuring nutup panto dibarung ku ambek. Lengkah karasa beurat taya jugjugeun da puguh ku indung bapa ditunjuk ditundung, lalaki nu dipikacinta oge teu daek mulung. Kuring anteng mapay-mapay jalan dipepende kabingung. "Nyisi, Neng! Aya kareta!" jalma nu disisi jalan tinggorowok. Brakkk!

RASIAH DIRI

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 13:00:18

Sacetet tutup hate nu teupernah dibuka
nu geus murubut keun cimata
ngaleungitkeun harepan jeung kapercayaan
Kolot geus tara tunyu-tanya deui
tanya nu ngan ukur dijawag ku kanalangsaan
Ibu-ibu nu nganteur budakna sakola
sakapeung melong pinuh tanda tanya
sakapeung melong siga nu karunya

Kuring embung di pi karunya
Sagala katugenah geus jadi rasiah diri
numoal betus kasaha oge
nanyorangan teukarasa nincak waktu
pansiun geus dihareupeun
nempo babaturan nungtun incuna

aya nu ngagerih kana ati
anu nyasrak kana dada

LALAKON NULIS E

Kénging Akon Markoni
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 12:32:09

Kuring :" Ki kumaha cara nulis E ?"
Ki Hasan:" 1.Teangan tombol [Fn] ! 2.Teangan tombol [Alt] !"
Kuring : "Heueuh KI kapanggih aya..!"
Ki Hasan:" Teangan deui simbul angka 0-9,tapi anu keelirna biru !"
Kuring :" Kapanggih.. geus Ki....!"
Ki Hasan :" Teken tombol [Fn] jeung[Alt] ulah dileupaskeun!"
Kuring : "heueuh ieu Ki geus di kekewek!"
Ki Hasan :" Teken angka 1 anu latar biru terus leupaskeun,teken angka 3 anu latar biru
deui terus leupaskn, teken angka 0 na..,leupaskeun kabeh...jariji jeung
curukna.....!
Kuring : "ééééééé.......horé bisa KI.....! Nuhun KI Guru....muuaach..muaaach.....!

MUN TEA MAH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 12:30:04

Hudang janari leutik. Popolah, pusak-pasak. Ngudag isuk, muru panumbu umur di emper toko. Hate panasaran, naha batur teu daragang? Teu tatanya, katungkul ku lamunan, pasti nu sarapan wuduk ngantay. Pasti mucekil. Nyatana sepi, arang nu meuli. Mangkaning geus jangji ka Si Bungsu, sore rek mandi bola.
Ngiung, ngiung, ngiung! Sirineu treuk POL PP ngahiung hareupeun. Bereyek ngepung. Roda dibebedol. Eleh tanaga. Wuduk amburasut, deungeunna balatak di trotoar. Ukur hate nu kekerot,
"Ari aing jeung gubernur naon bedana? Ngaliwat mah ngaliwat we atuh, teu kudu ngancurkeun hirup aing. Deuleu siah, sudi najis aing kudu milih deui."
Emh, mun tea mah bisa ngaganti kakangen Si Bungsu, ku ngamandian bola beklen dina ember, tada teuing bagjana.

MANG DARMAN

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 12:27:58

Mang Darman nyokot 2 tablét tina méja nu ngadeukeutan ka manéhna, logodor aya leungeun mékanik ngasongkeun selang kana biwir mang Darman, leguk mang Darman neureuy tablét dibarengan ku nyerot cairan tina éta selang. Kitu meureun gambaran mang Darman sarapan dina taun 2700. Dina pikirna geus gilig rék nungguan nyi Inah nu keur gawé di bagian sérvis nyambungkeun kabel-kabel nu paregat dina jero leungeun jalma jaman harita. Komputer nu aya dina diri mang Darman disada, dina bagian mata aya layar : Nafsu salira ngagedur ka Inah, polah kitu ngaboroskeun batré 60%, énggal eusian batré.

Mang Darman teu maliré, keukeuh nungguan nyi Inah, uteukna muter dipinuhan nu teu pararuguh engké jeung nyi Inah. Layar muka deui : Batré salira kantun 50%, énggal eusian batré. Peralatan komputer salira 50% error. Satengah jam ti harita : Peralatan komputer 80% érror, énggal eusian batré. Koleang mang Darman mecleng tina pesawatna. Sakedapan Blue Out. Bruk nyéngclé dina kongkolak mata dinosaurus bikang. Dinosaurus kucap-kiceup kagokeun, terus ngagideugkeun huluna, mang Darman macleng deui kucuprak ragrag kana leuwi. Mang Darman ngagibrig bakating ku tiris, roroésan dina pangguyangan dinosaurus da teu bisa ngojay, kabeneran aya catang geuwat dicekelan. Barang sadar yen nu dicekelanana teh bulu irung dinosaurus jalu, lenggerek manéhna kapiuhan, masih kénéh karérét tulisan dina layar mata : Komputer érror 100%, teu tiasa deui ngeusian batré. Sagala titimangsa salira teu didukung deui ku komputer.

Leng, mang Darman asup ka hiji wahana nagog matung matana peureum. Hawar-hawar aya sora, : Geuwat benerkeun itu kenténg, ieu mani balocor saimah-imah lain kalah nagog dinu bocor atuh. Horéng Nyi Edoh pamajikana mang Darman kasampak keur nyorodotkeun cai kaluar maké kékéséd. Dina jero haténa mang Darman ngagerentes, : ké heula Edoh kuring rék ngeusian batré heula.

GATOTKACA

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 12:26:13

Suruwuk Gatotkaca nyuruwuk meulah méga anjog ka hareupeun dalang, sakilat ngiwat Lilis tina lahunan dalang. Tina jero impian kuring nyorowok, Kehed siah Gatooot, Lilis nu aing tong wani-wani ngagunasika.

Gatotkaca ku kuring dicacagan dibikeum ka bi Anah dijieun suluh keur nyieun surabi. Lilis ku kuring disarékeun dina kasur kahuripan.

NGARAN

Kénging Asép Bénito Aripin
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 12:21:59

Bagja. Bungah. Teuing naon deui nu bisa ka ébréhkeun pikeun namplokkeun ieu rasa. Kuring rék jadi bapa. Bapana budak anu sakeudeung deui bakal gubrag ka alam dunya. Ceuk ijiran, meneran kuring mulang lahirna téh sanggeus béak tugas tutas sababaraha lila gawé di alas pentas. Budak meunang hayang. Meunang muasaan sompralna. Balas ku lila ngadagoan dipercaya ku pangéran. Ayeuna laksana. Buah tina asih kuring jeung pamajikan. Geus diajangkeun pingaraneun budak. Ngaran pangalusna. Miharep alus sagala-galana. Mulus rahayu berkah salamet kahirupanana. Dina waktuna paamprok, teu karasa murubut cimata. Teu kaampeuh. Teu eureun-eureun. Enya, kasép budak téh. Kasép tur cahayaan. Katempo tina ngaran anu ngahias dina tetengger luhureun taneuh nu beureum kénéh. "Teu katulungan Si Utun téh Sujang. Kabeulit ari-ari jeung kabesékan cai pameuntas jalan. Nepi ka hanteuna. Sing sabar waé, meureun can dipercaya ku pangéran," ceuk mitoha. Ngusapan. Ngupahan.

GREGOR JOHANN MENDEL

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 11:50:08

Tuh tempo jalma nu di jubah keur ngeureutan kacang, mani suhud. Sok jang, ujang bagéan nyiksik kumeli ama rek mérésan kacangna. Si Ama jeung badégana neruskeun gawéna beurang peuting. Dina hiji poe si badéga napelkeun keureutan kacang kana siksikan kumeli terus dipelakeun ku si Ama dina wahana waktu nu sarua jeung umur manéhna.

Heuleut sababaraha waktu si Ama jeung badégana katempo keur paranén buah kameli singkatan tina kacang jeung kumeli.

FRAGMEN SIMPE

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 11:39:01

Ckes ngahurungkeun paneker. Pelenyun nyeuseup roko. Ret kana kasur, kaciri manehna mencrong kuring teu ngarti. Nyeh imut. Manehna beuki seukeut neuteup kuring. Regot satengah sloki sampagne, lalaunan nyampeurkeun manehna. Aya geter nu teu kaharti basa kuring ngusap dadana nu baloboran getih.

BLUE OCEAN

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 11:32:00

Balayar téh nyorangan. Ngambah sagara biru. Matak tingtrim pipikiran. Béh ditu cai laut geus beureum. Laukna kari saeutik. Pada ngecrik pada narik. Pamayangna silih betrik. “Parahu naon nu dipaké?” Tanya Ibu Ratu Laut Kidul. “Parahu mérk Chan Kim, Ibu. Impor ti Amérika. Paranti balayar di sagara biru. Sagara nu tingtrim,” cekéng téh. “Hadé. Ngan omat ulah kalalanjoanan teuing. Moal lila ieu sagara biru bakal jadi beureum. Bakal réa pamayang nu néangan lauk di dieu,” saur Ibu Ratu. “Sagara biru tan watesan, Ibu. Sapanjang rénghap marengan, sagara biru pasti nembongan.”

IBUR

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 11:25:02

Dor ....dor...dor..., panto digedor tarik pisan diluar sigana teu sabar, gura - giru kuring mukakeun panto, Ceu Enok hariweusweus majar cenah Bu Rois lumpuh sanggeus ti klinik ibu.Kasampak ibu - ibu pangajian ngariung nu gering ditengah imah nu ceurik sasambat melas - melis. Barang kuring anjog nu gering siga nu reuwas, kuring mariksa sukuna duanana, duhhh meni watir nyaan kukulapesan teu walakaya, teu loba omong ceg weh di cabak urat syarafna manehna katinggali nahan satekah polah sangkan teu robah, ngan duka bakat ku teu kuat manehna ngejetkeun tarik pisan ampir weh kuring tijengkang, nu narempo arolohok.
" ibu upami teu dicobi ayeuna ditatihkeun tinangtos ibu bakal lumpuh salamina margi nembe dikejetkeun"
Kuring ngolo manehna, keukeuh teu daek
" sawios alim mah mung ulah ngalepatkeun abdi bilih leres ibu teu tiasa mapah deui abdi tos masihan terang "
Diolo ku sarerea mah daek oge, bari direreyang ceg weh ajeg nangtung,kuring nitah ngalesotkeun cekelan.
" lumpat eta aya cacing"
Kuring ngarowok tarik pisan, nu gering lumpat ka dapur, alhamduuuuuu......lillah.

CAN AYA IDEU

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 11:17:23

kecap-kecap moal cacap, senggak senggak moal beak
ngoreh luang 'na daluang, muka tungkusan pangarang
hanjuang nambah baranang, handeuleum malih ti sieum
lain ti buhun karuhun, lain bihari...kiwari!
disungsi nu balawiri, diguar nu laliwatan
kutrat-kotret, gutrat gutret, capi-cipi, makman-mikmin
(Hapunten, hayang mikmin tacan aya ideu. Kumaha we ah...)

MUN TEA MAH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 10:30:18

Hudang janari leutik, popolah, pusak-pasak, gurang-goreng, ngudag isuk, melak harepan di emper toko. Lumayan, batina jadi panumbu waktu.
Hate mah panasaran, naha batur teu daragang? Tukang bubur euweuh, tukang goreng pere. Nu kapikir, pasti nu sarapan parindah kana wuduk, ka sorangan, dagangan pasti tereh beak, pasti rada mucekil. Nyatana sabalikna, sepi, arang nu meuli. Neumbreu, sakieu geus beurang ge. Mangkaning geus jangji ka Si Bungsu, rek mandi bola. Tangtu ulin ka tempat nu kitu mah teu cukup duit saeutik.
Ngiung, ngiung, ngiung! Sirineu treuk POL PP. Teu kaburu ngejat. Bereyek, ngepung. Roda dibedol sangeunahna. Eleh tanaga, wuduk jeung deungeunna tamplok. Teu dipadulikeun.
"Teu maca larangan atuh? Tuh sakitu ngajajar dina tembok toko ge. Nyaho teu poe ieu rek aya gubernur ngaliwat?"
Teu bisa ngalawan. Peureup mah hayang jekok, jekok, nonjokan beungeutna. Ukur hate nu kekerot,
"Ari aing jeung gubernur aya bedana kitu? Ngaliwat mah ngaliwat we atuh, teu kudu ngancurkeun hirup aing. Deuleu siah, sudi najis aing kudu milih deui."
Mun tea mah bisa ngaganti ka kangen budak, ku ngamandian bola beklen dina ember, emh tada teuing bungahna.

KAHAYANG

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 09:52:09

"Asa empuk, Jok Mobil teh, hanjakal can kungsi ngadiukkan !". Ceuk Bujur, ngumbar lamunan, bari nyengcle dina jojodog. Jojodog, bati ngaheruk, ret ka gigir, katempo Songsong keur nahan seuri, gigireun hawu . " Baku, maneh mah !, ari geus nyengseurikeun teh !". Sentakna. " Seuri soteh, uing mah nyengseurikeun nasib sorangan !". Tembal songsong, ngabela diri. " Menggeus gandeng !" Bujur hahaok, bari ngaluarkeun sora. Jojodog ngan ukur ngelel bari meungpeukan irungna nu meh rumpung. Isukna. Bujur culang-cileung siga nu leungiteun beuheung. Gebeg. Manehna ngaranjug. Jojodog geus kari ruhak, di jero hawu. “ Kamari wengi, anjeuna meuleum maneh “, Songsong laporan. “ Naha ku maneh teu di carek !”, porongosna. “ Apan jadwal abdi mah, dinten ieu !” ceuk Songsong cumalimba. Bujur guplak-giplek, bingung neangan keur pangdiukkan. “ Asa empuk, jok mobil teh !? “ Gerentes Bujur, bari nyengcle luhureun hawu. Songsong ngan bisa melong. Dapur jadi mulek, pinuh ku haseup, urut gajih nu kabeuleum.

SI ABAH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 09:04:38

Najan sarebu kali bulak-balik nempoan, moal obah, ukur bikang jeung Si Pacun, pangeusi kandang. Salapan jajangkar we turunan Si Pacun, nu teu bisa dipiharep jadi raja pakalangan, mulangkeun duit nu geus teu kaitung jumlahna, murag di pangaduan. Leuh,
mangkaning isukan aya nu rek ngabar. Numpang-numpang ka saha, teu apal, kuriak eleh deui. Aya sih beulieun mah, jawara Jakarta cenah, ngan edas hargana, teu kabedag.
"Baaah, ieu hayam saha ku alus-alus teuing? Ti tadi depa we dina meja tamu." Ceuk pamajikanana rada ngagorowok, basa keur beberes imah. Satengah lumpat, Si Abah nyampeurkeun.
"Astagaaa, bener gagah pisan, jigana ieu nu baris nalukeun pakalangan. Moal kitu hayam Ciung Wanara? Cik, Iti pangnewakkeun Si Rengge, urang pacekkeun. Sugan we turunanana jadi jawara, euweuh nu ngelehkeun."
Sabot keur macekkeun, torojol anakna, "Abaaah, eling atuh Abaaah, piraku hayam dipacek ku cengcelengan?"

PĔSTA LULUS UJIAN

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 09:01:35

Pedang, péso balati, ranté, jeung pakarang séjénna disiapkeun saméméh arindit ka sakola. Ĕstu matak reueus para préman, geuning barudak sakola téh masih kénéh boga kawani. "Siapkeun sagalana. Tong aya pakarang nu tinggaleun!” ceuk pamingpinna bari nulak cangkéng. Abringan motor ngaraleut ka tiap sakola.

"Lo... gué... énd ti ieu sakola!" saurang siswi nyorowok bari nyingsatkeun erokna nepi ka katingali sagalana. "Uing lulus!" murid lalaki nu awakna begung némbalan. "Lah... naha ngaran aing teu kacatet dina pengumuman?" si pamingpin rombongan nu tadi katingali émosi. "Ucing garong ciah, diancurkeun ku aing ieu sakola!" ceuk manéhna bari meupeuskeun kaca rohangan Kapala Sakola. Sakabéh baturna narurutan, sakola ancur burakrakan.

Unggal sakola nasibna sarua, alancur ku nu teu lalulus. Jul-jol pulisi datang ngepung sakola. Imah jeung toko nu dareukeut ka sakola kabéh dikaronci. "Angkat tangan kalian!" ceuk pulisi ka nu ngaramuk. Nempo pulisi datang, barudak buriak jiga laleur disemprot baygon.

HUJAN ISUK-ISUK

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 08:54:36

Mangsa hujan énjing-énjing sapertos kieu kuring sok émut ka salira. Diharudum simbut, dikaos kaki, salira ngaréngkol di luhur sofa, bangun nu sidéang ku lampu baca di palih juru. Sora hujan nurihan hateup, ngawirahma, dituturkeun sora cai nu ngirilik dina talang. “Honey, dinten ieu hoyong tuang sareng naon?” Ku halimpu eta soanten. Kuring ukur nyéréngéh, masrahkeun karep ka salira. Goréng kicimpring, cikopi haneut, nu nyampak di luhur méja, asana tos langkung ti cekap, bekel ngarenghap dugi ka magrib. Sok komo ditambihan imut nu teu weléh ngagantung dina lambey. Lambey salira.
Teu sawatara lami, salira cengkat. Maturan kuring mébérkeun koran isuk, pagégéyé, neueulkeun sampéan kana méja, payuneun kaca jandéla nu ngagenclang hérang. Urang anteng ngahanca koran, nataan kahariwang nu nyampak, dipungkas ku akey-akeyan: Hahargaan nu kakalacatan, udel budak awéwé nu ngabulaéh, jeung jangji para pamingpin nu tara ngabukti.
Di buruan, hujan mayeng ngaririncik. Keclakna ajleng-ajlengan, muncratkeun cileungcang kana hébras jeung kuping gajah.

KAPOLSEK

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 08:05:06

Poé Salasa Wagé, mawa motor lalaunan, jalaran jalanna renjul. “Tidid..! Tidid..! “ ti tukang mobil ngelaksonan, duméh mawa motor téh rada béh tengah, néangan jalan alus. “Kenapa tidak paké helm?” ceuk nu di tukang. Barang dirérét, horéng Pulisi. Kuring kakara sadar, helm mah ngagantung wéh dina setang. “Mau jual tampang kamu?” Pulisi nanya deui. “Tidak ,Pak. Kalau tampang saya dijual, nanti saya tidak punya tampang.” Témbal kuring. “Berhenti..!” ceuk Pulisi bari ngeureunkeun mobilna. Manéhna turun, nyampeurkeun kuring. “Kamu menantang..? Saya ini Kapolsek!” kaciri ambekeun. “Kapolsek? Pantes idungnya pésék,” ceuk gerentes haté. Pulisi ngobrol kana hapéna, teu lila, jul-jol Pulisi séjén tilu motor nyampeurkeun Kapolsek. Teuing naon anu obrolkeun ku Kapolsek ka anak buahna nu kakara daratang. Sanggeus kitu manéhna asup deui ka jero mobil, laju indit. Salah saurang anak buahna, nyampeurkeun kuring. “ Bapa mah sok lalawora, anjeunna téh komandan,” ceuk Pulisi “Komandan saha?” ceuk kuring. Harita kénéh, kuring ditilang.

PANANYA KEUR ARANDIKA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 08:04:28

Pamugi salira kalawan disarengan nurani, geura cumarios ka balarea, kumaha carana malahmandar dadali nu tos pateuh jangjangna tiasa ngajomantara kalawan gagah perkosa

HARIRING SEKAR MANIS

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 07:57:17

Pa Kardan tatangga kuring, imahna pagigi-gigir, bédana buruanana lega pinuh pot kekembangan. Lila ngaduda, saprak ditinggal maot bojona sapuluh taun ka tukang. Umurna geus 65 taun, teu siga kolot pisan, jajag kénéh moal nyangka umur sakitu. “Kulucu malati, nu aya di taman-taman sari, hiuk seungit nu geulis, manis putri mantili “ Geus sababaraha isuk, lagu éta dihariringkeun anjeuna, bari nyébor kekembangan . Karunya Pa Kardan hirup nyorangan, anak-anakna kabéh geus rumah tangga misah imah. Kungsi ngadongéng, hayang rumah tangga deui, sakalieun galingging panas tiris di kerokan, isuk-isuk hayang citeh manis, atawa mandi ku cai haneut. Anak-anakna teu satujueun , ararambek cenah. “ Hujan angina silantangan, waliwis hiber pagentos, agan sumping gagancangan, nu geulis teu sabar ngantos “ Aya sora halimpu ngilu ngawih tina lolongkrang kekembangan. Ditoong, aya awéwé, tegep, umur lima puluhan, di jilbab, sésa geulisna aya kénéh. Pak Kardan melong ka imah kuring, kaciri aya sorot cinta dina panon ti duanana. Kuring janji, rek gomongan anakna Pa Kardan sina rumah tangga deui

CETTING

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 02:00:06

mybooam: hai
jeani: ...(tanda teu ngajawab)
mybooam:urang mana yah?
Jeani: ?
Mybooam: hi,how are today? Nu hartina.(hey anjeun,kumaha kabarna euy)
jeani: im fine,honey (pangesto,yayank)
mybooam:you know,i miss u (anjeun nyaho kan kuring teh nineung ka anjeun)
jeani : o i see ( olohok,maenya gerentes hatena)
mybooam:where ur fact,u miss me too (mana buktina atuh?)
jeani : wait :) (kehela,nyerengeh seuri)
mybooam : im wait ( diantosan di pengkolan)
jeani : r u ready ( siap siap nya)
Saprak tulisan eta kabaca,nu geulis ti amrik,potona siga nu kaluar tina layar komputer,jadi beneran hiji wanoja..celepot nyiuman pipi.. Bari ngaharewos ( kuring ge nineung ka aa... ).

NELENGNENGKUNG

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 01:42:46

"Nelengnengkung..nelengnengkung.."
Hantem we kuring ngayun-ngayun anak kuring,ku samping jeung hariring,diumbang-umbang ku tambang,digaleong-galeong ku karembong.
"Nelengnengkung..nelengnengkung.."
Sugan geus ngahariringkeun nelengnengkung mah,anak kuring geuwat-geuwat peureum.
Jampe nelengnengkung tea,saayun puntang nu peureum bakal lila hudang,saayun ambing nu peureum bakal lila nyaring.

BUDAK PANIMU

Kénging Dhipa Galuh Purba
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 01:13:52

Teu salah kitu berita téh? Rét deui ka budak nu keur ngaguher dina korsi. Sababaraha jam katukang dijajapkeun ku Kuwu. Enya, rada sarimbag geuning, ngan ieu mah rada caludih. Ceuk Kuwu, budak téh keur hulang-huleng deukeut garduh. “Wayahna, didinya salaku RT, kudu ngampihan ieu budak. Ké isukan dilaporkeun ka pulisina.” Kitu ceuk Kuwu. Lantaran, di imahna mah réa berenyit, da incu-incuna nu ti kota keur pakanci, hayang laliburan didieu cenah.
Kadéngé aya sora nu ngetrokan panto. Tuluy dibuka. Kasampak Kuwu ngajanteng, dibaturan ku Hansip. “Budak nu bieu téh rék dibawa ka imah baé. Karunya, bisi lapareun,” pokna Kuwu.
“Har, pan tadi di bumi Pa Kuwu hareurin saurna? Keun wé, da sangu-sangu baé mah didieu gé aya,”
“Enggeus mending di imah déwék baé!” Kuwu rada morongos. Watirna mah nataku. Budak dihudangkeun, sarta ditungtun ku Kuwu. Jadi panasaran, hayang nuluykeun lalajo berita ngeunaan anak bupati nu leungit.

JAMPE MEPENDÉ

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 01:03:12

Peuting beuki jempling,lambey teh angger nyuling niiran hariring.
Nu ogo noelan bae,ceunah mah dipependé.
Pek,ieuh tampa jajampè kuring.
"kuring tukang mependè,anu deudeug sampe rupa hade..nu teu boga bebené.sok geura peureum,mun teu peureum ke disuruduk émbe".

KEUEUNG

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 00:54:34

Handapeun pucuk-pucuk pineus,kiceup bentang someah ka kuring.
Handapeun pucuk-pucuk pineus,geuning asih kari regangna.
Jebul bulan sapotong ti beulah wetan,,hate nyeredet...teu kuat nandangan ka keueung.
Keueung nu datang tina duriat nu jauh pisan kana balebat.

NINEUNG

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 00:46:24

Handeueul mun geus nineung teh.
Palebah cantigi pisan,panineungan kakalih deui.
Piraku kudu kagembang deui mah,piraku asih kudu diayun-ayun bae ku anjeun deui mah.
Naha atuh anjeun baheula bet meupeugas dirh,anjeun meupeurihan diri sorangan,ku cara maehan maneh

CAN USUM DUIT

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2012 00:35:03

Totoeeet ! teet tetet toeeeeet!. Beretek si Udin lumpat ka pipir imah, gap kana popotongan beusi. Balik deui nyampeurkeun tukang gulali."Mang! meuli momobilan" bari ngasongkeun beusi sa congo."Teu meunang atuh jang, beusi sakitu mah paling kana mamanukan" tembal tukang gulali bari nyoel gula panas tina katel. Teu kungsi lila jul-jol barudak leutik,numawa turub panci almaniem,tamaga jeunsajabana.Barudak ngagimbung,ranyong ka tukang gulali.

Koloneng! koloneng! tukang cendol ngarongheap. Beretek si Udin lumpat deui ka imah bari gegerewekan."Ma! hayang meuli cendol lah" teu loba carita, gap Indung na kana mangkok leutik, nyiuk segon tina karung, song ka si Udin. "Dua keun jeung keur adi maneh" beretek si Udin nyampeurkeun tukang cendol. "Mang duakeun si Nyai hayangeun,sing loba amisna mang!" si Udin nawar. "Kudu satolombong atuh jang mawa segon na ari hayang loba amisnamah" tukang cendol ngabanyolan.