Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 April 2012 (80 Naskah)


LEUNGITNA DUA KECAP

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 23:23:14

Naha kamana miangna kajujuran jeung kaadilan ayeuna, padahal dina mangsa bihari teu weleh ngancik di unggal diri, najan enya aya ceda, tapi teu gudawang jiga ayeuna, naha panon nu katutupan kasarakahan kitu? Enya, baheula unggal wanoja bisa nyieuhkeun cocoba jeung gogoda, cakakakna lalaki alatan aya kasugema lebah kajujuran jeung kaadilannana, tapi ayeuna, dirarampa teuing dimana ayana, dipapay teu kapapay, na dimana kajujuran jeung kaadilan ayana? Padahal balarea ngarasa leungiteun ku kecap kawijaksanaan nu jadi tatapakan kajujuran jeung kaadilan

WEW AH

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 23:21:34

Kulantaran Marni hayoh wae ngadu’a, Jin rudeteun, ngan celegedeg we nembongan hareupeun Marni, bari pok ngomong “ Yeuh anjeun ngadu’a wae, sok ku kami ditedunan tilu pamenta, ngan saratna, kusabab maneh geus boga salaki, kabeh anu dipenta ku maneh bakal 10 tikel keur salaki maneh, kumaha sanggup?”
Marni ” Sanggem pisan”
Jin ” Sok ayeuna maneh menta naon nu ka hiji?”
Marni ” Kuring hayang beunghar”
Sakedet netra Marni beunghar, komo salakina mah beungharna 10 tikel.
Marni bungah kacida, geus jadi jelema beunghar jeung salakina.
Jin “ Tah maneh ayeuna geus beunghar, sebutkeun pamenta ka dua?”
Marni “ Kuring hayang geulis”
Sakedet netra Marni jadi geulis, komo salakina kasep pisan 10 kali matak kapengpengongan awewe saha bae, Marni reuwas nempo salakina kasep pisan.
Jin : “Sok ayeuna pamenta maneh anu ka tilu?”
Marni “ Kieu Jin, kuring hayang boga kasakit jantung, meujeuhna we ulah parna teuing.
Jin : ?????????

NU NYANGSANG DINA RASA

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 22:52:44

Reg,ngarandeg, ret ka kenca,ret ngatuhu euweuh sasaha.Belenyeh seuri, asa dieleketek ku pangalaman cik keneh.Siga mulangkeun panineunangan paamprok jeung batur sakola nu kungsi jadi bebende.Ka gambar deui mangsa silih baledog keretas di jero kelas.Eusina ngedalkeun eusi hate.Sesa asih nu kasilih wanci meh kawincik deui.Gandrung nu geus katurub waktu karep hayang di tumbu.Boa-boa rasa tresna teu kahalang mangsa.

DIKANTUN TUGAS

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 22:20:08

Kuring geuwat ngagurinjal, basa ngadéngé sora ti luar. Hordéng disuaykeun. Si Kardi geuning. Ampir wé poho ayeuna giliran ngaronda. Sanggeus méré isarah, koloyong deui ka sisi ranjang. Katempo pamajkan keur lewa-lewé, sahing-hingeun pisan.
“Nembé gé sumping, tos angkat deui,” omongna,
“His…kapan ieu mah tugas nagara, lali rabi tur tégang pati …” kuring némpas bari cecengiran.
Dikitukeun téh pamajikan tuluy nangkuban.
Eléh géléng, reup wé peureum, ngumpulkeun ingetan .
Di sisi ranjang, kuring ngagerendengkeun fikmin kayas petingan, marengan inghak pamajikan nu beuki ngerepan.
Ti luar, sora si Kardi kalah beuki narikan.

CINTA TERLARANG

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 22:02:17

“kang.... abdi tos cape susulumputan kieu”
“Sing sabar geulis, kapan anjeun terang akang nyaah pisan ka anjeun teh?”
“Muhun akang, terang abdi ge.... ngan...euhhh...”
“Akang ge ngartos geulis, wayahna nya? sing sabar”
“Teu kiat abdi teh akang, salembur geunjleung ngomongkeun urang”
“Nya wayahna, atuda kumaha atuh cinta urang teh tos lalakon na kieu”
“Haduh akang... kumaha atuh abdi isin pisan ku sadayana”
“Nya kapaksa kieu cinta, kedah susulumputan urang teh”
“Bapa sareng ema tos terangeun kang kana cinta urang teh”
“Teras kumaha?”
“Nya diseuseulan abdi.. hiks akang.... abdi teh nyaah ka akang”
“Tos ulah nangis geulis, cep! terang akang ge, sabar nya.....dedeuh teuing”
ceuk Somad bari ngarangkul ka Ujang nu ngagukguk ceurik harita.

ULAH MACA YASIN

Kénging Kuswari Miharja
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 21:45:55

Geus saminggu salakina gering di RSHS, ceuk dokter mah panyakitnya rada "kritis" nyaeta gagal ginjaltapi Bi Lilis mihareup salakina sehat deui. Teu sirikna unggal poe ditungguan. Ari di ruangan teh aya sababaraha urang pasien nu sarua katarajang panyakit nu matak pikahariwangeun. Teu jauh ti salakina aya pasien nu umurna teu jauh beda. Kaayanana matak pikawatireun, lian ti begang teh, napasna geus turun naek. Ninggali kaayaan kitu, dulurna geuwat maca surat yasin. Bi Lilis ngan ukur ngadangukeun. Rengse maca Yasin, teu lila eta pasien teh geus papisah roh jeung ragana, atuh kulawargana ceurik balilihan. Bi lilis oge rambisak ninggali loba jalma nu ceurik mah.
Rada keueung sanggeus aya anu maot di eta ruang. Tapi untung isukna aya deui pasien duaan asup. Ngan hanjakal kaayaanana geus renghap ranjuk, tayohna keur sakarat. Atuh geuwat dibaca surat yasin ku dulur-dulurna. Teu lila dua pasien eta maot.
Bi lilis beuki gegebegan bae, lantaran unggal, pasien langsung maot.
Barang aya deui pasien nu kaayaanana geus sakarat, tuluy dibacakeun Yasin, Bi Lilis geuwat ngagorok :"Ulah maca Yasin di ieu ruangan bisi salaki aing maot!" Ceuk Bi Lilis ngambeuk ka jalma nu keur maca Yasin.

Z

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 21:42:14

Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z
Z

*emh...aya ku nikmat katingali na teh eta pun bojo kerek....

KUMPUL KEBO

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 21:33:41

"Nuhun geus daratang ka dieu. Ari acarana mah nya ngenalkeun kumaha urang walanda bumen-bumen. Tah ieu mun di indonesia mah ruang tamu. Itu ruang makan. Hayu urang ka luhur." Si profesor nangtung terus leumpang kana taraje heureut ka lantey dua, dituturkeun opat mahasiswana.
"Kuring boga anak dua. Awewe wungkul. Tah ieu urut nu cikal, itu kamar urut nu bungsu. Ayeuna maranehna geus galede. Geus pindah ka kota sejen. Bumen-bumen jeung kabogohna."
Si profesor siga nu ngarti kalimahna teu pikahartieun. Manehna neruskeun, ""Kuring jeung indungna baheula kawin resmi di gereja. Tapi barudak ayeuna mah henteu. Cukup bebeja ka kolot, rek pindah ka kota anu, rek saimah jeung kabogoh si anu."
Sorana datar. Paromana biasa. Teu geuneuk teu meuleukmeuk.

RESÉP

Kénging Usep Acx
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 21:30:53

Usum ngijih teu jadi masalah, sabab moal hese parab, tapi dina usum halodo siga kieu jukut susah tegalan ngahgar. Sedeng munding mah angger kudu diparaban. Bari ngiuhan handapeun tangkal nangka mang Jumad ngahuleng, mikiran parab keur mundingna. Watireun ku kitu tea mah ningali munding begung kurang parab. Dina hiji poe panggih jeung mang Adnan nu sarua ngangon munding.
''Nan naha munding silaing mah meni rampus kitu ngahakanan jukut garing teh'' ceuk mang Jumad bari ngaluarkeun dompet bakona.
''iiihh... boga resepna dekah Mad... munding anteng nyatuan, dewek anteng ngiuhan'' ceuk mang Jumad bari nyoro bako.
''naon resepna ? menta uing''
''tingali jug sing deukeut munding uing'' tembal mang Adnan. Mang Jumad panasaran, nyampeurkeun munding mang Adnan.
Mang jumad bengong ningali munding mang Adnan make kaca mata hejo...

NYIPTAKEUN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 21:22:20

“Keukeuh!” molotot. “Bongan boga kahayang!” nambalang. Tidinya manéhna mimiti nyiptakeun. Kumaha cék karep jeung kereteg haténa. “Anjeun téh lain Gusti!” ngélingan. Tonggoy. Nyiptakeun. Nyonto nu geus aya. “Moal jadi matak?” tumanya. “Geus diimpleng piakibateunana,” teu kungsi ngarérét. Janggélék jadi wujud. Karémpan. Kasono. Kahariwang. Karungsing. Kapeurih. Mimiti nyaliara. Ngarobéda rasa. Nandasa kabagjaan. “Rumasa,” ngaheruk. Leungeun ditalikung. “Teu beunang diélingan!” nyérangkeun teu bisa nulungan.

KINANTI JANG KABOGOH

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:59:49

Mawa kabogoh ka warung,
bari kuralang-kuriling
Motor mogok na tanjakan,
bensinna pinuh ku reumis.
Ngadagoan babaturan,
silih tangkeup bari kiih.

OROK

Kénging Ambuna Kaka
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:43:55

Bari ceurik balilihan, manéh leumpang muru wahangan. Anjog téh inghakna angger kapireng. Gék diuk dina batu lémpar sisieun wahangan. Bari sideku, leungeun kéncana nyoo cai. Teuing ti mendi datangna. Ka lebah manéhna diuk, ngaléngléong palid hiji barang. Basa disidik-sidik horéng parahu leutik. Éta parahu téh bet nerus nyisi. Kawas ngahaja nyampeurkeun ka manéhna. Antara sadar jeung henteu, parahu téh dirawél, tuluy dihanjatkeun kana batu.
“Na saha nu téga malidkeunana? Dalah kami, sakieu balilihanana basa orok Kami dipaksa dipiceun ka alas bandawasa. Cenah, nu gelar tina rahim Kami orok dina wujud asu. Maranéhna nu lolong bonconong. Kapan anak Kami téh kasépna ciga kieu!”

“BEU…”

Kénging Rudy Crysara
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:39:03

Ngaharéwos sajeroning indit ka tempat nu jauh. Nyingkahkeun kapeurih. Dua bulan katukang nalika urang duduaan. Ingeut pisan harita kedal ucap pileuleuyan. Paturay-tineung.

Kecapna masing nyangkaruk. Mimiti ngojayan ati tuluy ngajeroan teuleum. Kaasih nu manteng ti waktu ka waktu. Ngagésér beuki paanggang. Kalilaan cacap tembus kana jajantung. Kiwari beulah lir kaca nu peupeus.

Kawasna moal deui karandapan. Calik paduduaan dina bangbarung. Silih asih nembongkeun kaasih. Silih poyok moyokan kaboga. Patukeur carita. Carita hirup nyorang kahirupan.

DEKOK TAPAK

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:34:15

Sok hayang seuri lamun inget kana cara kang Arga, waktu dagang obat dipinggir jalan. Bari ngabongohan panongton, gap leungeun katuhu ngaragamang kana jero kantong lamak hideung anu atra eusi bedog. Kitu bedog kaluar, ana bras diheumbatkeun kana leungeun kenca. Atuh panongton pada ngagoak kaget, ningali mata bedog tinggaleun dina leungeun kenca. Ku kang Arga leungeun tea dibura ku cai anu diuyup tina gelas. Terus rembes weh getih beureum tina tapak bedog dileungeunna. Bari bedog masih napel dina leungeunna, kang Arga ngurilingan kalangan. Terus ngasupkeun leungeun jeung bedogna kana peti, anu ditutup ku lawon hideung. Kitu leungeun katuhu diasupkeun kana peti, terus dua leungeun kaluar, bari tatu leungeun geus dibungkus ku lawon hideung. Ujung lawon dicabut, leungeun sehat. Bari kang Arga ngajura ka opat panjuru panongton. Tapi dina hiji mangsa, teuing kumaha aya anu salah ngasupkeun bedog kana kantong lawon hideung. Lain bedog anu bonghak saparo tengahna, tapi Ciomas anu weuteuh.

APRIL MOP

Kénging Rafi Suherman
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:27:30

Babasaan bulan april baheula, teuing ayeuna mah asa can ngadenge deui.
Ceuk sakaol, teuing timana-manana mah, cenah mun bulan april, jalma bebas heureuy, malah bisa disebut kana jail, tah, mun jalma nu keuna ku jail, heg ngambek, cukup nyebut april mop, eta jalma teh langsung ngarti, heuheu
cigah ayeuna, pamarentah rek naekeun harga bbm teu jadi, boa april mop nya, padahal teu nyadar yen urang teh geus di jailan ku anu palinter nu ngaku wakil rakyat teh lain bulan april wad, heuheuy deuh, cag ah.

KAPAHUNG

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:05:25

Hujan mimiti pras-pris, teu lila ngagebrét. Teu matak mugagkeun léngkah. Tigin balik. Kajurung rasa kaduhung. Nganteur haté. Mapay jalan dibarung kabingung. Teu rurat-rérét. Teu nolih tincakeun. Cileuncang remen katincak. Pikiran kumalayang. Leumpang nuturkeun indung suku. Leungit jugjugeun. Awak mucicid kabulusan. Teu dirasa. Kajen téh teuing. Sora kelakson mobil patingtémbalan, ngagebahkeun lamunan. Ngeureunkeun léngkah. Ngajengjen di tengah jalan. Ditingker kandaraan nu pagaliwota. Liwung , kudu maju atawa mundur. Kapahung. Kapidangdung. Salah léngkah. Mamala baris kasorang. Teu ku hanteu. Cilaka dua welas.

RELIEF BIHARI

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:03:28

Ingetan bet sumoreang ka lebah kalangkang bihari, nembus uwung-awang waktu, kabaca dina unggal pahatan linuhung, relief kahirupan bihari nu ngaramal ka mangsa jaga, bihari kudu jadi eunteung kiwari, alatan aya gambaran dina wangun carita: geus diistrenan raja-raja nu nyalikan korsi gading gilang kancana nu teu weleh ngageugeuh dina hate-hate rayat alatan kawijaksanaannana, geus palastra raja-raja dholim, sirna tina nurani rayat nu mibutuh kaadilan.

Jaman Ronggowarsito aya mahakarya kakantun anjeunna, nu pinuh ku siloka cita-cita dina pupuh nu pinuh ku tatapakan hirup jeung kahirupan, ayeuna masih kabaca ku balarea, cenah mangsa jaga bakal ngalaman jaman edan.

Kalangkang-kalangkang bihari, teu weleh ngalangkang na pikiran, rek kumaha mangsa jaga mun parahu di nahodaan ku nu teu amanah? Naha aya jaman kiwari nu kawaris kagagahan jaman kiwari? Geura prak baca relief titinggal bihari ku rasa jeung rumasa, pasti karasa aya baseuh cimata.

WANCI NU MUSTARI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:02:37

Meunang béja, Si Parta geus bijil ti Sukamiskinna. Pudigdig! Tuda nyakséni pisan putusan hakim harita: limabelas taun! Kari-kari karék tujuh taun geus bisa nempo panonpoé deui. Geuwat dipaluruh di mana ayeuna ngajedogna éta mangkeluk nu maragatkeun nyawa adi kuring téh. Sanggeus manggih alamatna, séak baé. Waktuna paninggaran moro. Indit dianteur ku réwuan sétan.
Tatanya ka ditu ka dieu. Euweuh nu apaleun. Padahal sidik ieu kampungna nu dituduhkeun ku nu méré alamat téh. Ngadon Lungsé. Wanci geus reupreupan. Los ka masjid, méh bareng jeung sora adan magrib.
“Komat, Jang!” ceuk hiji kolot nu maké sorban bari nepak taktak jalma gigireunana.

Moal kapalingan, manéhna nu komat téh. Cong sarolat. Pagigir-gigir pisan. Haté tagiwur. Bérés solat, manéhna wirid. Gap kana Qur’an. Ngaji. Kuring kaluar ti masjid.
Balik dianteur ku réwuan malaikat. (133 kecap).

BINGUNG

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 20:01:09

Aduh alah iyeung,meni nyeri-nyeri teuing,aduh alah iyeung meni sono-sono teuing,aduh alah iyeung.... Kasono jeung ka nyeuri silih tembrag... (Saha nu meunang?)

SWEARNA OGE

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 19:53:06

Peuting, peuting pisan, manehna ngadatangan kuring di kamar kontrakan. Aya inghak semu balilihan. "Kang..rek nepi ka iraha nyeuitan hate kuring?" dina sela-sela cimatana aya ungkara nu tunggara. "Maneh teu kudu ceurik sagala..uing mah teu tega nenjona. Nyaah uing ka maneh geus ngadaging..ngagetih!" kuring nyingkilkeun leungeun baju, nilepkeun calana ka luhur, ningalikeun tujuh tato, kabehannana ngabentuk ngaran manehna. "Tapi apan abdi apal nyalira, akang lain sakali dua kali ngantelkeun biwir kana biwir manehna.." aya deui ungkara tunggara nu kedal tina hatena. "Biwir Nyi..biwir! Apan hate uing mah ngan keur maneh wungkul."
Lebahing teras kamar kontrakan, aya dua jinis cimata nu ngoleang ragragan. Aya rangkulan nu teu kebat, najan embung pegat..najan embung pegat.

ARI DUIT...

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 19:52:23

Sanajan umur geus maju ka tunggang gunung, ari salakina mah teu weléh ka bujang ngora bari kasép. Saha nu teu kabongroy atuda. Dangdanan ngota bari kasebut sagala nyampak. Boh gedongna, boh mobilna, pon kitu deui rajakaya sejen na. Keur ukuran di lembur éta mah éstu pangbeungharna téh lain bobohongan.
Asal daék diajak kawin, hirup bakal ngahenang-ngahening. Teu kudu capé barang gawé. Nu aya malah dicukupan sapuratina, nya lahirna, nya batin na.
Nalék jeung nalak, éstu di cekel ku manéhna. Saperti ayeuna, manéhna ngawin Jang Dodo urang Babakan, bujang kasép umur duapuluh taun. Sanggeus sabulan saméméhna ngajurungkeun Jang Dédé, salakina, kateuing nu ka sabaraha.

KEMBANG TANJUNG

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 19:50:50

Angin nu sok ocon dina linduh daun tanjung, burit èta ukur ngaliwat. Manèhna ngarasa teu guna mugurkeun kembang tanjung nu keur alum, sanggeus mojang nu biasa mulunganana, lila teu katèmbong datang.

BENTANG! BENTING! BENTONG!

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 19:43:26

Di Warung Mang Binting nu ngadeg sisi bénténg, Mat Béntong jeung Mat Bantang keur ngadangukeun Kang Bantung nyarita “Di Kota Bontang, aya banténg nuju bunting, ngamuk dikebon bonténg basa keur caang béntang. Éta mah bonténg, dibuntang-banting ku banténg, nepi ka buntung” ceuk Kang Bantung bari nginum Bintang. Mang Binting, Mat Béntong jeung Mat Bantang sareuri bari nginum Bintang ogé. Si Bentang jeung Si Buntong mah, jarongjon wéh maraén catur di téras imah Pa Bontong. Kadangu aya sora tamu “Bunteeeng” ceunah. “Tunggu sebentaaang” ceuk sora awéwé ti jero imah. Barang ditempo, singhoréng tamu téh Jang Bantong anu keur ngamén bari mawa hitar, kieu sada hitarna “bentang, benting, bentong, bentang, bentang, bentong” beletak, Jang Bantong aya nu malédog. Nu maléngpéngna lain Mang Binting, lain Mat Bantang, tapi Mat Gadil anu keur nyeri huntu.

RUKMINI

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 19:41:13

Rék jung pisan balik, jleg téh manéhna. Awéwé umur tilupuluhan, ngaku ngaran Rukmini, tokoh carita dina buku kumpulan fikmin yasana Udin. “Badé ngalereskeun nami abdi téh. Dina fikmin mah diserat Rukmini, padahal nu leresna mah Sumarni,” pokna bari ngasongkeun akte kelahiran. “Bukuna tos naék citak. Pagéto badé diloncing,” cék kuring.

KECAP PANUNGTUNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 19:17:59

"Neeeeng."
"Kaaaaah, Akaaaang."
Duh, eta kecap dedengeeun wae. Kecap nu diharewoskeun opat puluh dua taun ka tukang, dina peutingan munggaran pangantenan. Kecap nu ngawurkeun kabagjan dina saban renghap. Ngagederkeun rupa-rupa sora gamelan nu ditabeuh jero dada, pamuka carita katresna di panggung kahirupan.
Galur teu salawasna ngaguluyur. Sakapeung dibalur tagiwur. Jungkrang disorang, tanjakan dilakonan, di nu datar tetep silihtatar. Bras, ka palataran sawarga. Genah tumaninah. tengtrem tingtrim atining kuring.

Waktu lumaku, mangsa lumampah. Maju ka lingsir ngulon. Kekecapan obah,
"Buuu."
"Muhun Paaa. "
Sora gamelan salin jinis jadi kacapi suling, ngaggelik dina wirahma kacinta, nu dipatri ku asihna.

Wanci nirilik, layung lumungsur. Kekecapan deudeuh beuki maneuh,
"Niiii."
"Sumuhun Kiiii."

Geus cacap benang katresna, manteng ti waktu ka waktu. Di kamar ieu, bareto, anjeun jajap kuring kana kani'matan. Ayeuna kuring jajap anjeun muga kana kani'matan.
"Niiii."
Kecap panungtung ti kuring,taya jawaban.

ONDANGAN

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 18:51:25

"na iraha kang barna rek ngalamar ka kuring?".. ceuk hate isah bari panon mencrong ka babaturan sakolana nu keur ngasuh budakna diluar, "tok..tok..tok"... Asalamualaikum... Diluar aya nu keketrok ngabuyarkeun lamunan. Kuniang cengkat muka panto bari nembalan salam. Lol jejen kapi adi barna ngelol ti lawang bari ngasongken undangan. "tisaha jen?".. "eu.. Te heni bade nikah..! Mangga teh" jejen indit. Bray ondangan dibuka.. Isah reuwas sangges maca yen nu kawin teh barna ka kapi adina keneh..

NU DATANG DEUI

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 18:49:22

Entin, nyekelen leungeun lanceukna bari teu weleh di usapan. " Teh .atos atuh ulah nangis wae, bilih teu damang " Nu diupah-apeh keukeuh ngadingdiut, cipanonna murubut, taktakna oyag, pek manehna nyarande kana anggel anu di-tumpukkeun dina tonggongna....." Tin, Kang Reddy datang deui tadi sore,basa Teteh beres Asar....... Entin ngahuleng, Apan Kang Reddy mah geus lila teu ayana oge. Entin ngrangkul lanceukna bari ngharewos.." Teh istigfar atuh, Teteh siga anu teu ngartos Agama wae...Apan...."' Teu kebat Entin nyaritana... Tetehna ngepeskeun leungeun Entin bari pokna peura balas ceurik " Aya, tadi ay Kang Reddy "
" Tadi kadenge mani jelas Tin, Kang Reddy nyebut " Jungjunan " ka Teteh "
Entin ngahuleng.
Beu... sigana lanceukna jadi deui........... ...

AMBISI CALON BUPATI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 18:46:50

Gurat leungeun nu cenah ceuk dukun mawa kauntungan geus jadi ide manehna, tina ide bet numuwuhkeun ambisi nu ngajaul nepi ka ngajebol kaboodoannana bari pinuh kayakinan, tapi mun geus asor kumaha? Naha bakal jadi owah bari langlang-lingling kamamana atawa gering ngalanglayung alatan harta bandana beak, atawa dengdem nu ngabebela dina dada?

GOCÉNG

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 18:43:34

Balik Wisudaan téh, garaya maké jas kénéh, dér, arulin nepi ka tilu mobil. Kompoy. Teu karasa waktu geus mimiti peuting. "Kamana deui yeuh ayeuna?" ceuk si Heru. "Urang ka Ciromed wéh yu!" si Sardam méré ideu. Prung tilu mobil arindit ka Ciromed. Ka hiji warem. "Manéh boga duit sbraha?" si Heru nanya. "Ngan aya gocéng!" témbal kuring. "Dieu lah injeum heula," sor, duit gocéng téh di bikeun. Sup, manéhna ka warem.
Heru :"Short time sbraha?"
PSK : "Goban"
Heru : "Tiasa goceng teu?"
PSK : "Sakitu mah di kebon awi wéh"
Belenyeng si heru ka warung. trus balik deui...
Heru : "Yu ah, wios da tos dibalur Autan...!!!
PSK : *(*^*^&%*. … *2.

MACA KORAN

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 18:23:10

Abah katingali keur kumat kemot, siga nu ngagerentes ngomong sorangan basa maca koran, Ambu panasaran, "Ngaos Naon abah? mani khusu pisan sigana?". "Ieu Ambu... geura nya.. yeuh dangukeun, urutan penyebab perceraian di Jawa barat teh nomer hiji kusabab faktor ekonomi, nu kadua kusabab Perselingkuhan, nu katilu persoalan ketidak harmonisan pasangan, nu kaopat yeuh ambu... poligami! ", "Teras?" ceuk ambu bari mencrong ka abah, "enya, kasimpulan abah mah sederhana wee", "Nyaeta??" taros Ambu, " Heu'euh mendingan poligami daripada Selingkuh mah!", "Sae Abah... bade?", "hehehehehehe teu langkung ambu.." ceuk abah bari kalamar kelemer.. "PLAK!!!"

PASEA

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 17:51:04

"Geusaaan!!"
"Embung!!!"
"Pokona enggeusan!!!!"
"Embuung!!! "
"Yey! maksa!!!"
"Saha nu maksa!?? didinya!!!"
"Lalaki teu boga ka era !!!"
"Emang!"
"Pantes!!! Pokona enggeusaan!!!!"
"Euweuh carita na!!"
"Sok we!! Tingali we engke!!!"
"Tingali???hahahahaha! "
"Hiih!, dasar jelema gering!!"
"EGP! sok? sok? naon deui?"
"&^%$$

BEURIT

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 17:50:06

Mimitina mah Mas Tato. Baheula, basa anjeunna mulih moro ti Ghana, ngadon nyandak beurit sajodo. Marontok naker. Ngadarungkuk sagedé méja budak. Diabur kitu baé di buruan anjeunna, diparaban jukut Manila jeung bala-bala. Basa baranahan, tatangga pada marénta. Méh salembur ka bagéan. Nepi ka, mun sakalina rurusuhan téh, motor moal bisa bedas. Kahalangan beurit nu pating lalenghoy.
Ari kamari, barudak hariweuweus. Pajar téh, cai di handapeun jambatan Istiqlal teu bisa laju. “Kahalangan beurit,” ceuk si Odéd, anak tukang roti. “Nya, saha atuh nu ngencarkeun beurit di dinya?,” walon Kang Eri. Kabéh pada kerung, bari terus cukcek satumbakna satumbakna. Treuk nu rék ngangkut geus nungguan ti subuh kénéh.
Nepi ka kolong jembatan, ukur bisa aralohok. Beurit sagedé-gedé domba garut aya ku metet. Patumpuk-tumpuk ngahalangan jalan cai. Panonna pating gurilap di jero poek, sorana ting darehem dibarungan bau hangru jeung cikiih. Mani nyegak.
Leungeun hideng ngodok pésak, ngaluarkeun HP. Nelepon Pentagon. Ménta bantuan.

IMAH BILIK

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 17:25:54

Pangbalikan. Imah titinggal kolot. Najan pipinding bilik. Karasa haneutna. Handapeun tangkal Jéng-jéng. Tetengger nojo. Sok dipencrong mun pareng bulantok. "Pangbalikan saréréa" Aya ku genah. Panto jeung jandèla nu maruka. Mapag angin, mudalkeun mangpirang harepan sukan jaga.

MU MULANG DINA PANGIMPIAN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 17:24:38

Lebah tibrana, incu-incuna datang, bari pepeta Jang Roni, incu cikalna ngadongeng maen bal kasawelasan Persib nu ngalawan kasawelasan Persibaya. Aki Darpan ngabandungan kacida dariana.

"Aki...., tadi balik lalajo maen bal, loba bonek ragragan tina treuk, kareta api dibaledogan, sora motor tinggagerung, bandera Persib jeung Persibaya tingkelebet, nu tawuran matak paur nu nempona, bobotoh Persib galungan jeung bonek..." ceuk Jang Roni, ngadongengna kacida dariana dibarengan ku pepeta sagala. "Tapi kunaon nya Ki, Roni nu teu miluan tawuran bet kabacok ku bonek?"

Karek ge reek engab, Aki Darpan nu tibra, kagareuwahkeun ku nu pupuntenan, bari gigisik, kuniang hudang muru panto, "Euh, Jang Apip, aya naon?

"Itu Aki, Jang Roni pupus aya nu ngabacok mulih nongton maen bal..."
Sajongjonan Aki Darpan hareugeueun, percaya teu percaya, berebey cimatana ngalembereh, incu kadeudeuhna nu tadi dina pangimpiannana ngadongeng teh horeng enya.

ASMARADAHANA HIJI

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 16:43:12

(Carita pantun, bagian awal tina trilogi, mostingna disakalikeun)

Dalang ngoncrang sindén dengér, hajat gegedéan, najan usum ririweuhan.
“Cuang cacapkeun kasukan!”
Nakleuk ka panglalajoan, nu dagang ngabarak, sacemporna-sadamarna. Tingkuyungkung nu harudum sarung, tingsalingker ti nu suni.
Lalakon pikatajieun: “Ngabedah Bandawasa”. Ari pangantén, ukur tagen sakeudeung. Paralun, lain teu sopan ngantunkeun tatamu, apan aya anu langkung penting, papancén pikeun duaan, sugan parat disawengikeun, ngabedah leuweung tutupan.
Aduh, ieung ….
Sabot pintonan ngegeder, ti kalér kakuping borobot bedil, ditémbalan ku tangara, ti tukangeun panggung.
Paciweuh henteu kaampeuh. Bancang pakewuh datang dadakan.
“Gorombolan …, gorombolan …!”
Singhoréng nu diharudum, geuning nyulagrangkeun bedil, ngahaja nyusup ti heula, nyamur jeung para panongton.
Sersan Adang ngembang kadu, OKD harareugeueun, teu nyangka baris dirurug ku urang gunung.
Bubar katawuran, waditra paburisat, haroong balandongan.
Di enggon, anu keur oléng pangantén, carug-ceg kana anggoan, rurusuhan sarawélna, sangkan teu buligir teuing.
Cul kana garapan, nyukakeun sawah sakotak, ku doran culagug belang.
Bating ….
***

Fikmin

UPACARA BANDÉRA

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 16:20:31

Hiji: Pancasila.

Dua: Ketuhanan yang Mahaesa.

Tilu: Kemanusiaan yang adil dan beradab.

Opat: Persatuan Indonesia.

Lima: Kerakyatan yang dipimpin oleh hikmah kebijaksanaan… jste.

Genep: Keadilan sosial…. (“Haahh? Naha jadi genep nya?” cék gerentes haténa.)

Laju dibalikan deui macana, bari tetep ditarikkeun. Nepi ka tilu balikan angger waé jumlahna aya genep. Késang tiis beuki ngagurujug. Kelepek ….***

MARGA BATAK-SUNDA

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 15:51:19

Ulah salah! Marga urang Batak teh bisa nerap ka urang Sunda. Lain bae lantaran awewe urang Sunda dikawin ku lalaki urang Batak. Tapi bisa oge dilarapkeun kana pasipatan nu dikiratakeun. Contona
Situmorang= si tukang molor beurang2
Simorangkir= sima-pamorna borangan jeung telat mikir
Siregar=Sisa remaja garut
Sitompul=awak ngeusi hanjakal tompelan na dengkul
Manik=manusa unik
Harahap=harepan jeung usaha satahap-satahap
Sirait=si jorang ngongome sirit
Simatupang=si males tukang numpang
Simbolon= si tukang mabok lontong
tobing = tukang oncom jeung bolu kuriling
Simanjuntak= Si Manusa jujur jeung takwa

BU GURU

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 15:48:03

Dina hiji poe di kelas di foto babarengan sarerea, Saenggeus foto jadi, Bu Guru ngolo barudakna supaya meuli fotona saurang hiji. Bu Guru nyarita “Maraneh kudu meuli foto ieu teh, meungpeung aya ngariung kabeh. Foto ieu teh bakal jadi panineungan anu endah pisan. Barudak repeh caricing. Bu Guru nuluyeun “ Geura cipta ku maraneh, oh ieu Si Dadang, ayeuna geus jadi dokter, oh ieu si Wiwin ayeuna jadi pengacara, tah nu ieu si Tuteng, ayeuna jadi tantara. Barudak repeh keneh. Aya nu nyelengkeung budak loyor titukang” Tah ieu Bu Guru, hanjakal ayeuna geus maot, teu kaburu mulang tarima heula”

BARANANGNA BENTANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 15:13:11

tina jandela kamar, panon neuteup uwung-awang nu baranang bentang, ku endah mongklengna jagat wawayangan dipapaes kiceup-kiceup nyari bari ngadongeng bulan nu aya dina kalara, padahal anjeun teh teu weleh marengan imutna bulan, tapi kunaon bulan bangun nu sedih kingkin, enya, kunaon bulan jiga nu nandang kalara, pameunteuna bet nyumput tukangeun mega-mega kulawu, bentang, coba ku aranjeun bubungah, malahmandar bulan imut nyari dina mabrana rasa nu pinuh katresna

JUBAÉDAH

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 14:53:25

Hajjah Jubaédah keur ngawurukan murid-murid pangajian anu kabéhanna abégé, di Madrasah Al Jahilul, diwangun sisieun balong buleud. “Bé sin jéér , biiis. Mim, Alif, Elam, Elam tasjid jéér, mill. Lam jabar, laaa.... Ha jéér, hi. Bismillaahi,” laju ditarurutan ku murid-muridna. “Tah, barudak, diajar iqro, réngsé. Ayeuna kumpulkeun artos iuran listrik, béas, cai sareng telepon. Énjing kedah nyarandak artos iuran deui kanggé ngagaleuh, gitar éléktrik, jimbé sareng babycry. Sok geura naretepan Isa sasarengan.Réngse netepan teu kenging langsung aruih, wayahna kedah ngawirid heula. Tah, tos bérés ngawirid, ulah wara aruih, cuang karokéan heula sasarengan. Nanging, anu teu resep karoké mah, pék baé rék balik gé,” ceuk Hajjjah Jubaédah ka murid-muridna. “Sadayana badé karokéan, Bu Ustadjah, iwal ti Irman sareng Meila anu moal mah, aranjeunna mah karesepna dugem,” ceuk Kobir, anak Mat Gadil. “Sok Dadan, geura pasang sound sistemna, tong ageung-ageung teuing, cekap 20,000 Watt wéh ” ceuk Hajjah Jubaédah.

BALIK TI ONDANGAN

Kénging Totoh Abdul Fatah
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 14:49:46

“Pa..., mulih teh urang ngantosan sepi, di luar masih keneh seuuer batur”
ceuk pamaijan bari nyekel leungeun katuhu.
“Naha kunaon kitu Mah?” ceuk kuring bari kerung.
“Di luar seuuer rerencangan sakola kapungkur, abdi isin gaduh salaki siga gegetuk”.
Meg kana hate meni nyentug, abong pamajikan menang maksa ti calon mitoha baheula .....ah.

BASA MAWAR NARIMA FIKMIN TI MARWAN

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 14:33:01

Basa manéhna anjog kana golodog, aya fikmin ngagolér dina bangbarung. Kabaca ti saha, gep diteueulkeun kana dada, laju digaléntoran mangkali-kali. Gagang sosi méh teu bener asupna, kahalangan ku kabungah nu ngabudah. Lampu 30 watt asa mabra kabina-bina, ongkoh diémbohan caang mércury nu moncorong ti luar waktu hordéng jandéla disingraykeun. Manéhna nyarandé kana sofa. Fikmin dibébérkeun. Ana bray dibuka, pung, tikukur jeung japati pating arapung, lauk koki ngaracleng tina jero akuarium. Gutak-gitek dina ubin, hayang ngarilu ngapung. Seungit malati -- enya seungit malati -- mijah di sakuliah imah. “Moal codéka, moal kuciwa: Katrésna Marwan ukur kanggé salira,” ceuk méja nepikeun béja ka vas kembang – bari ajrag-ajragan. “Marwan ahirna kedal,” séndok ngajawab pananya sendal. Béja ditépakeun, patétépa, sakuliah imah pabéja-béja. Saruka bungah.
Di enggon, nu biasana combrék, sepré gading tambah béngras, bordir daun bakung dina bantal aya ku nyacas. Mawar ngabebengkang di luhur ranjang, dikeukeupan haté nu bungangang. Sapatu masih napel dina sukuna.

JOJODOG

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 13:50:25

"Asa empuk, Jok Mobil teh, hanjakal can kungsi ngadiukkan !?". Ceuk Bujur, nu geus nampuyak, balas terus-terusan nyengcle dina jojodog. Jojodog, bati ngaheruk, ret ka gigir, katempo Songsong keur nahan seuri, gigireun hawu . " Baku, sia mah !, ari geus nyengseurikeun teh !". Sentakna. " Seuri soteh, uing mah nyengseurikeun nasib sorangan !". Tembal songsong, ngabela diri. " Menggeus gandeng !" Bujur hahaok, bari ngaluarkeun sora. Jojodog ngan ukur bisa ngelel bari meungpeukan irungna nu meh rumpung. Isukna. Bujur culang-cileung siga nu leungiteun beuheung. Gebeg. Manehna ngaranjug. Jojodog geus kari ruhakna, di jero hawu. “ Kamari wengi, anjeuna meuleum maneh “, Songsong laporan. “ Naha ku sia teu di carek !”, porongosna. “ Apan jadwal abdi mah, dinten ieu !” ceuk Songsong cumalimba. Bujur guplak-giplek, laju diuk luhureun hawu, bari meletet ngabayangkeun empukna jok mobil.

ABAH

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 13:04:03

Suanah, Acéng, ÉNé--------------------------------------------------------
(hiji mangsa dararia kudu maca ieu)
Leumpang suku, nunutur bingung, ngungudag hayang, teu eureun ngimpleng harepan, moro bungah hayang ceuyah ambarayah.
Dina rungkun pangirutan, dina pasir pangimpian, jero alam Gantarawang. Digiligan, naon baé pisarateun, deuk dicumponan, diayonan.
Geus capé linyok pamoyok, bosen nanggap rahuh ngangluh, ema, acéng ogé éné.
Lepus jasa éta tempat, teu kungsi mangtaun-taun. Aing, urang, pada mikahormat. Ngadadak Abah dijatahan pidato, di podium balé désa, dina rapat sakolaan. Samalah, dina mimbar Masigit suci.
Seneb jasa. Tapi kieu kanyataan. Horéng kahormatan, kudu dibayar ku pakaya.
Padahal Abah teu mikeun, Acéng hiji jadi wadal. Éwé lapur saban malem Juma’ah (hampura Suanah).
Hirup Aing ukur wadag, demi kahormatan dunya, ngabélaan senang raga, asal deungeun pada tungkul, asal éwé bérégégéh, neuleu sérab kulawarga urang.
Céng, wayahna indit tiheula, abah jagisuk baris nyusul, mun seubeuh diugung-ugung.
Bongan dunya, bongan wayah, bongan dararia hayang beunghar jeung jugala.
------------------------------------------------------diary book Abah Dararia

Éné rambisak macaan surat.

SONO

Kénging Wida Waridah
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 12:18:13

Ngan direretan we. Ret deui, ret deui. Ngahaja dikemplongkeun. Tapi taya nu ngarongheap. Angin we jeung angin. Sok hayang mendetkeun, ngajablogkeun malah. Sakapeung reketna sok matak nyereset. Ah, panto. Panto ngemplong tina adan kana salam.

SIEUN

Kénging Usep Acx
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 12:17:33

Hanjakal ucap teu kedal padahal rasa ngagalura,
hanjakal katresna teu wani wakca, padahal kaasih geus ngancik na diri..
enya eta ge salira nunda isyarat na camara tapi masih risi ku jamparing sieun pites dialak paul.....

AKI JEUNG NINI

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 12:10:10

Reke...t.! sora panto ngareket matak ngoet pating seleket kana hate.Sieup jeung pangeusina.Aki-aki jeung Nini-nini puluhan taun hirup paduduaan teu anak teu incu boga baraya teuing dimana lebeng taya laratan.
Si Aki keur cinutrung nangkeup tuur bari ngadeangkeun tonggongna di buruan."NI,anak hayam teu kadeuleu ti isuk, paeh kitu,?" tanya si Aki sora geus rada rero."Ngaing ge sidik rek nanyakeun ka dia,tikamari teu kadeuleu" tembal si Nini bari ngagejlig tina golodog nyekelan boboko geus euweuh weungkuna di eusi beas beureum sa canggeum, tayohna rek ngisikan di pancuran nu aya tukangeun imah na."Euy,sakalian pangumbahkeun ngaing hayang beuleum roay," si Aki bari ngasongkeun roay tujuh siki,meunang metik ti pipir.

RHAPSODY

Kénging Ari Andriansyah
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 11:49:18

Luhur ranjang. Lawas raga nyangsaya. Milang harepan nu leupas ti rénghap ka rénghap napas. Sedeng lalakon palid dina selang nu pajuranteng. Keclak demi keclak infusan. Ketug jajantung ngerepan. Sarta jarum suntik langgeng matri saban usik. “Tong rémpan, Kang. Perjuangan urang bakal terus ngagedur.” Mawar. Sora anjeun angger ngagalindeng. Laju lelemes réma jeung iipis lambéy nyaliara dina tarang. Lalaunan ieu awak dicengkatkeun. Didiukkeun dina korsi roda. Kebat mapay-mapay buruan rumah sakit. “Tong salempang, Kang. Nu darémo beuki ngagugudag sumangetna.” Mawar. Anjeun ngarandeg sakedapan. Metik sagagang mawar nu karék ligar. Diasongkeun sangkan diseuseup duaan. Kebat deui nyusud lulurung. Rohang-rohang humaregung. Kamar-kamar humarurung. Jeung pirang-pirang raga nu dirurub. Urang anjog ka kamar nu panungtung. “Tong hariwang, Kang. Kapan takdir salawasna ngaruhit.” Mawar. Galindeng anjeun nyidem kapeurih. Rekét muka panto. Kasampak bugang-bugang tan ngaran jeung titimangsa. Naha aya bugang nu sarupa jeung anjeun? Geuning bugang sorangan gé aya di dieu? Gudawang tapak pélor dina tarang.

BASA CARANGCANG TIHANG

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 10:52:55

(revisi)

Tepung tauna lawang goah muka. Remeng-remeng nampeu lebah juru di haruduman sarung butut. "Lebar temenan nya gaplah, padahal masih wedel, geura pasang deui atuh di palang tepas!" kahayang ngaharéwos. Simpé muter-muter kurung nu ngungun, di jerona témbong suwung ukur bulu-bulu katineung pasoléngkrah nalimbeng. "Aeh, aeh, lain gagéh los nya kaditu indit mungpung isuk kénéh, siar gantina, balatak nu leuwih alus gé geura!" sambung kahayang kumejot beuki rosa. Simpé nyéréngéh mireungeuh haté léah ngoléséd teu ngulét muru kamarna. Dangdan!

jtwg

PARFUM AGUL

Kénging Abun Rosadi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 10:47:06

Nini2 naek lift ka lantai 6...
Di lt 3, aya gadis asup mani sareungit,
Nini : "Duh Neng mani seungit!"
Gadis : "BULGARI nini.. 2 jt perbotol !
Agul eta si gadis...
Di lt 4, aya deui gadis asup leuwih seungit ti nu tadi.
Nini : "Neng ge mani seungit!"
Gadis II : "GUCCI nini..5 jt sabotol!"
Agul deui wae...
Nepi ka lt 6 nini kaluar, bari hitut melekbek kacida bauna.. gadis2 nu dijero lift ampir2 kapiuhan.
Ceuk si Nini bari kaluar :
"CILEMBU neng.. 20 rb sakilo!!"

BASA CARANGCANG TIHANG

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 10:20:03

(revisi)

Tepung tauna lawang goah muka. Remeng-remeng nampeu lebah juru di haruduman sarung butut. "Lebar temenan nya gaplah! Gancang atuh geura pasang deui di palang tepas!" kahayang ngaharéwos. Simpé muter-muter kurung nu ngungun, di jerona tembong suwung ukur bulu-bulu katineung pasoléngkrah nalimbeng. "Aéh, aéh, lain los nya indit kaditu mungpung isuk kénéh, siar gantina, balatak nu leuwih alus gé géura!" sambung kahayang kumejot beuki rosa. Simpé nyéréngéh mireungeuh haté léah ngoléséd teu ngulét muru kamarna. Dangdan!

jtwg

UNCUING DI KEBON KURING

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 10:07:10

Tilu poe ti tas dicarekan bebeakan, laklak dasar, beak ka tai ngorana, manehna ngareunggeuy. Ambek tuda, meni euweuh guam pisan. Gajih teh gajih, euweuh upaya sejen. Sakitu dicontoan, usaha itu ieu ge, tonggoy we. Pan nyaho, boga itu boga ieu teh alatan tisusut tidungdung, belaan ninggal-ninggalkeun imah, demi duit. Geus hasil mah pan ngeunah.

Ih, hariwang ku uncuing di tukangeun imah, teu beurang teu peuting ngelak. Sakitu geus diusir ge, belaan muruhkeun, aya deui aya deui.

"Hayu Pah urang opname, pan saur dokter kedah."
"Cekap mah, landong kamari ge seueur keneh. Teu kedah ngarepotkeun Mamah. Sakadugana Papah we, hawatos ladang kesang Mamah bilih ngirangan. Papah moal kiat ngupingkeun tungtungna."
"Kumaha dinya we ah !" bari ngaleos, nyaah bisnis hiji deui can kagarap.

Peuting katilu, uncuing jempling, bareng jeung cicingna renghap si Papah. Bral nya pah, langkung sae Papah mulang, Mamah kahalangan.

@RUMENTANG SIANG

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 09:17:47

Ukur bisa neuteup sobat-sobat ti kajauhan dina jarak dua meter ka gerbang Rumentang Siang. Kuring ninggalkeun tapak nu gugupay nyesakeun panineungan. Aya asih jeung kaheman kuring keur anjeunna nu nyampay tikaanggangan di gedung Rumentang Siang....

PÉPÉLING TI GAJAH BIRU

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 09:06:02

"Héy, manusa! Poma lamun nyieun fikmin ulah leuwih ti 150 kecap, ogé nyieun kecap é ulah poho maké curek" ceuk Gajah Biru bari tutunjuk.

MONYÉT

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:46:10

Datang téh ti Pulo Peucang, Kang Sudi lain baé ngiringkeun uncal jeung kuda. Tapi, bari ngéngélék monyét. Sadua-dua. Kitu deui Kang Mukti, angkaribung ku monyét satilu-tilu. Begogna anjeucleu dina taktak, si bikang nangkeup pageuh kana tonggong, ditukurkeun ku nu jalu, nu bangun apet, ngadedod di tukang bari muntang kana tungtung baju si Akang. Cacakan kakara budak umur tujuh taun, Kang Mukti teu ieuh kaciri mopo geus lumampah sakitu jauhna. Malah katingalna téh jigrah pisan.
Orokaya, aya kana sabulanna, batur mah pahibut ngerepan pager jeung gedogan, Kang Mukti anteng nyonyoo monyét. Dinangna-néngné, alahbatan ka adi sorangan. Dahar gé mani sok dihuapan. Nepi ka si Ambu bendu, da Kang Mukti hayoh baé ulin jeung monyét. Poho dahar, poho ngaji. “Sudi, bawa ka dituh éta monyét téh, ka Senayan. Manan ngahalangan laku si Mukti,” saur Ambu. Sanajan Kang Mukti ceurik lolongséran, teu ieuh didéngé, monyét dikencarkeun di Senayan. Dihijikeun jeung mandahong nu abreg-abregan.

HANSIP UJANG

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:39:05

Kacaturkeun di kampung Cisitu, aya hansip, anu ngarangkep tukang kusén. Nyaéta Mang Ujang. Sanajan hansip, manéhna mah katelah borangan. Hiji mangsa keur ngaronda jeung baturna si Aris, nempo aya nu nyurigakeun di imahna Bu Jaksa, Katelah Bu Jaksa téh, da salakina pangsiunan Jaksa. “Urang tingker Jang!” ceuk si Aris bari nyebrut ka béh wetan. Mang Ujang mah ngahephep wéh, nyerangkeun ti kajauhan. “Rampog…!” gorowok si Aris. Jungjleng tilu urang jelema, jarangkung badag ti jero imah. Lumpat ka kulonkeun. Si Aris ngudag. “Ari maneh Jang, naha teu milu ngudag!” si Aris balik deui, bari beungeutna bengep. “Haarr, ari maneh, naha teu nempo ieu kusen panto ruksak!”.. *1.

NYELOK

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:35:35

Panasaran ku polah salakina nu geus robah, Marni ngahaja ngareka-reka carita. "Kang, hapunten abdi... Dalah dikumaha deui da cinta mah geuning teu tuah teu dosa ngurunyungna. Estuning ngamalir kana jero rasa bari nampikna teu wasa. Abdi nuju kapentang cinta,kang...." Ceuk Marni ka Tarya bari ngagabrug. "Ieu teh bener,Marni?" Tanya Tarya bari neuteup. Marni unggeuk. "Ehm...alhamdulillaah...." Marni kerung. "Naha alhamdulillaah,kang?" Tanya Marni. "Ari kitu onaman. Akang geus sababaraha poe bingung kumaha nepikeunnana ka anjeun, yen akang geus kawin siri ka Neng Ita anak Bi Esih nu boga warteg dipengkolan." Walon Tarya tanpa dosa. Marni neuteup...reumbay cimata.

RAHWANA PEJAH

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:31:15

Basa dada Rahwana kapanggang ku panah Guawijaya kagungan Batara Rama, dirina sasadu menta dihampura
"Rama...! Hampura sagala kasalahan kaula ka Anjeun...! Ti semet ayna kaula nyerenkeun deui Sinta ka Anjeun..., sa...bab kau...la geus meunangkeun babaturanna..., jojo.... Hhh...!"
Kereles Rahwana ngaleupaskeun nyawana.

TUGAS PATI HIJI PRAJURIT

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:18:43

Alah paul pinuh ku umbul-umbul. Mega tatan-tatan seja ngampar, peupeujeuh ka angin ulah teu kaopan. Rahayat angkasa rek nyakseni pangeusi bumi.

Di handap, nu keur satru ngatur siasat. Berebet, ngabejer beaskeun ka pasukan nu geus samakta sapakarangna, pancen nu kudu dilaksanakeun.
"Siap kumendan, kumaha pun nini teu aya nu ngurus ? Mangkaning di rorompok mung nyalira." ceuk salasaurang perjurit.
"Gandong ! Bawa ka pangperangan ! Tandonkeun !"

Tandonkeun ? Piraku nandonkeun nu ngurus ti orok beureum ? Apan nepi ka bisa kieu teh alatan nini. Beu ! Ayeuna nini-nini soteh, bareto anjeuna ge perjurit nu toh pati bebela ka kuring.

"Maaf kumendan, kuring mundur." bari nanggeuy sagala parabot perang, jeung pakean seragam, masrahkeun.

Rahayat angkasa der sarurak, eak-eakan. Langit milu susuitan, mega mere jalan ka nu datang heheotan, panonpoe laju antare.

SEUKEUT KENEH !

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:14:58

Kamari, sobat kuring dongeng ,yen besanna keur gering. Sanajan cape cenah balik ti Bandung, manehna kapaksa tunggon di Rumah Sakit, kulantaran besanna gering tea. Ku kuring di upah-apeh we da sigana manehna cape pisan kurang istirahat. Ceuk kuring kieu : " Kang sabar, Saur Allah anu kudu ku urang di perlukeun datang teh, ka anu Akad nikah, ka anu gering jeung k anu maot',wayahna sing sabar atuh" Manehna nurut,
Teu lila manehna dongeng deui ka kuring teh ,yen Besanna koma. Duka kumaha ieu " Six of sense " kuring bet sok neumbag kana rasa kuring nu pang jerona,teu meunang di singkir-singkirkeun !!
Kuring nyarita kieu,plos we : "Kang antosan we dua dinten deui. Allah swa terang yang terbaik untuk beliau " Tuluy kuring mah tos Isha teh sare tibra
Tadi isuk-isuk, sobat kuring laporan...." Lies, Besan teh maot "
Inalilahi wa'ina Illahi roji'un......... malah leuwih cepet sapoe.....!
Jantung kuring ngageber............ reuwas !

TANGGAL GAJIHAN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:01:13

Teu karasa geuning, ayeuna geus balabuh deui ka darmaga tanggal dua, ngagidig muru anak pamajikan bari mawa tiiran teri sesa hiu, romanna alum kacida, geus kacipta anak pamajikannana nungguan di imahna, ngarep-ngarep tiiran kakap, hanjakal nu kabawa ngan saukur tiiran teri sesa hiu, teu kacipta kumaha sedihna nu jadi anak pamajikan mun nempo manehna teu jingjing teu bawa. Sajajalan manehna uleng, kudu kamana miang sangkan dirina jadi pamayang bari mucekil beubeunangan, Gusti, pasihan jiisim abdi jalan caang...., gerendengna peura

OWAH GINGSIR

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 08:00:15

Kakapeungan sok aya wae, kenalan make nomer sejen anu salah kirim sms. Terus aya bewara, “hapunten bah, abdi salah ngintun sms.” Tapi lolobana mah tara aya kabar susulan. Kukituna sok diantep weh, kapan nomerna oge teu dikenal. Makana sok tara dipikiran, lajuna eta sms langsung diapus bae. Bisi memang bener teu dihaja manehna salah kirim. Pikiran teh, lamun dihaja mah tangtu bakal ngahubungan deui. Sanajan enya sok jadi pikiran, bakal ninggang kana naon. Tapi ngarana oge jalma, sokan aya anu owah gingsir, teuing anu beuki lila asa beuki ngaco. Tapi naha enya?

MEGA HIDEUNG 3

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 07:25:05

Rumah tangga teh geus lila. Kuring jeung pamajikan silih mikacinta lahir batin. Basa tilu taun katukang pamajikan katarajang panyakit nepi ka struk ge, tetep satia najan kabutuh batin kuring teu kasumadaan. Keur ngabantuan ngabeberes imah, pamajikan ngahaja ngajak adina, Inah, ambeh teu ragab cenah ari diurusanan ku adi sorangan mah. Inah teh randa, masih ngora tur geulis, siga pamajikan. Tapi kuring geus nganggap adi sorangan, jadi moal aya masalah. Basa kuring gering rada parna, nya Inah nu ngurus teh, tulaten pisan. Manehna nu nyadiakeun obat jeung sagala kaperluan kuring teh, unggal poe salila leuwih ti saminggu pagilinggisik, di kamer gigireun kamer pamajikan. Ahirna, anu kudu disinglar teh kajadian. Kuring geus tilu taun teu manggih kaasih pamajikan, sedengkeun Inah ge teu beda,,,,,, Pertahanan kuring bobol. Ngawitan mah asa dosa, geus hianat ka pamajikan, tapi isukna kalakonan deui! Di kamer sabeulah aya nu humaregung nahan kanyeri, di kamer ieu humarurung sugema. Hampura, geulis, Akang geung hianat.....

RAMAYANA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 07:17:23

Basa Sinta ngagandeuang ka pasar caket terminal, keupat lempayna matak moho nu ningalna, sok komo basa lambey salira imut manis bari neuteup balebat giwangkara, duh, manisna.... Namung hanjakal basa hiji satria nyaketan lajeng sasalaman, diteraskeun ku uplek guntreng duaan, ti lebah jongko baso sapasang soca Rahwana neuteup pinuh timburuan, sok komo basa ningal Sinta sareng eta satria ngalengkah lumebet ka karaton nu pinuh ku rupi-rupi anggoan, napsu angkara Rahwana ngagugudag ngarerab dada, Rahwana teu tiasa pajar kumaha, jalaran satria nu ngagendeng Sinta teu aya sanes Sri Rama nu ngajak balanja ka Swalayan Ramayana

KURING TEU PAEH

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 05:36:42

Basa pelor pating harieng aya nu kena kana dada awak tiis kawas di tangkodan es.
"Kuring teu paeh..."
Aya nu ngajepat hanapeun kai dadana bor boran geutih, baju jeung beunget siga kuring.
"Kuring teu paeh ... Kuring teu paeh ... "
Awak asa harampang bisa ngalayang, temong hiji gedong gede naker tapi naha pageurna di arendeuk eundeuk nepi ka runtuh.
" Ulah... Ulah karunya ...!" Ceuk kuring bari megatan jalma nu diteungeulan ku hoe kunu make saragam katingali nudi teunggeulan geutihan, maranehna siga nu teu ningali ka kuring.
"Enya kuring teh paeh kitu ...? Pan nu paehmah ngajepat cicing. " Kuring keneh nu ngajawab.
Ret kanu rada jauh saabrulan jalma dibombardir make water kenon, gas airmata, kembang api jeng batu.
" Perang... Perang " ceu Kuring
Kuring lempang lalaunan ka gedong anu kacida gedena sarta dijaga kunu marake saragam helem jeung tameng.
"Punten... Punten " ceuk Kuring tapi maranehna teu narembalan siga nu teu awaseun.
Dijero gedong anu gede tadi loba jalma dariuk nakorsi hipu bari marake dasi sarta di hareup sabaraha urang dariuk tapi irungna ditunjuk tunjuk
" Penghianat bangsa jeung nagara ... Penghianat bangsa jeng Nagara ..." Pokna bari aya nu ngamera.
" Oh ... Keur nyieun sinetron..."

UNG

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 05:11:12

Langit mendUNG,hate bingUNG, Pikiran lingLUNG, kabogoh pundUNG, hp teu hurung, usaha teu untUNg, hayang udud neangan kuntUNG, tapi masih untUNG, aya lutUNG, daek maca nepi ka TUNGTUNG...! :D

NU GEDE AMBEK VS NU SABAR

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 04:39:33

Geus saminggu pamajikanana balik ti pasar sok beurang waè. Kajurung timburu hiji isuk Jang Dudi nuturkeun pamajikanana ka pasar. Nyèrangkeun pamajikanana ti mimiti bray ngamparkeun samak di juru pasar, ngaluarkeun babawaan tina boboko jeung juljolna jelema nu mareuli. Aya nu ngèntab dina hatèna. "Baruk si Isah tèh dagang tutug oncom? Ngèrakeun!” gerentesna bari meureup tipepereket.
Basa balik, pamajikanana dicarèkan laklak dasar. Teu nembalan. Pamajikanana ukur ngasongkeun kwitansi iuran si Jalu tilu bulaneun jeung duit saratus rèbuan opat lambar ladang dagang. Leungeun Jang Dudi ngeleper nampanan duit jeung kwitansi. Ras inget, geus dua minggu si Jalu mènta duit keur SPP teu di palirè. Ras inget geus dua minggu ladang buburuh manèhna dipahugikeun ka Nèng Itoh. Hatèna ngeleketey basa nempo pamajikana nu ngeluk. Teu cimataan, teu ngalawan.

NU GEDE AMBE VS NU SABAR

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 04:29:25

Geus saminggu pamajikanana balik ti pasar sok beurang wae. Kajurung timburu hiji isuk Jang Dudi nuturkeun pamajikanana ka pasar. Nyerangkeun pamajikanana ti mimiti bray ngamparkeun samak di juru pasar, ngaluarkeun babawaan tina boboko jeung juljolna jelema nu mareuli. Aya nu ngentab dina hatena. "Baruk si Isah teh dagang tutug oncom? Ngerakeun!” gerentesna bari meureup tipepereket.
Basa balik, pamajikanana dicarekan laklak dasar. Teu nembalan. Pamajikanana ukur ngasongkeun kwitansi iuran si Jalu tilu bulaneun jeung duit saratus rebuan opat lambar ladang dagang. Leungeun Jang Dudi ngeleper nampanan duit jeung kwitansi. Ras inget, geus dua minggu si Jalu menta duit keur SPP teu di palire. Ras inget geus dua minggu ladang buburuh manehna dipahugikeun ka Neng Itoh. Hatena ngeleketey basa nempo pamajikana nu ngeluk. Teu cimataan, teu ngalawan.

KATUMBIRI, PIKEUN MANÉHNA

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 04:01:52

“Pamohalan aya katumbiri mun taya hujan saméméhna.” Ngimeutaan tulisan manéhna. “Boa keur aya nu dipisono.” Pikiran kumalayang. Rét ka langit nu béngras. Sahandapeun tangkal katapang ngangon angin sarta sawangan. Diri surti. Tuluy mulungan dangdaunan nu maluguran. Diéntép tarapti. Mayat jadi hambalan. Ras kana harepan, kahéman, rasa nu campuh pagaliwota jeroeun dada. Cimata teu kaampeuh. Ngeclak lalaunan. “Hayang nyampurnakeun kabagjaan manéhna.” Kuring gilig. Cengkat, nété éta hambalan. Seja mulas langit. Ngalukis katumbiri, pikeun manéhna.

JALAN SATAPAK

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 03:40:54

Angin leutik ngagirilik
Geuning kieu rasana,jauh ti anjeun jungjunan.
Rek nyusul,nyusul kamana,hayang teuing nyusulan carita.
Carita urang nu kungsi kasorang,saban wanci nunutur leumpang..lamun ngaliwat jalan satapak eta,,hate kuring pasti nanya ka diri.kamana bras ieu jalan satapak?
Kamana tungtungna ieu jalan satapak jeung carita urang.

BASA CARANGCANG TIHANG

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 03:36:41

Tepung tauna lawang goah muka. Remeng-remeng nampeu lebah juru di haruduman sarung butut. "Lebar temenan nya gaplah, padahal masih wedel, gancang atuh pajang deui di tihang tepas!" Kahayang ngaharéwos. Simpé muter-muter kurung nu ngungun, di jerona témbong bulu-bulu katineung pasoléngkrah nalimbéng. "Aéh, aéh, lain los nya indit kaditu mungpung isuk kénéh, geura siar gantina, balatak nu leuwih alus gé geura!" sambung kahayang kumejot beuki rosa. Simpé nyéréngéh mireungeuh haté léah ngoléséd teu ngulét muru kamarna. Dangdan.

jtwg

DAYANG SUMBI

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 03:24:36

"Geura mulang sangkuriang".. "Geura mulang"..."Geura mulang kana kasadaran"..
"Kuring moal mulang mun nyai tacan kabandang" tempas sangkuriang.
Dayang sumbi teu gimir,anteng nyisiran di gunung putri bari émok di cikole.
Dayang sumbi ngahènang ngahèning,heran ku sangkuriang nu teu bisa nahan birahi.
"kudu kumaha"gerentes hatena.
"Sangkuriang" "yap kadieu.mun anjeun daria,sok buktikeun"tedunan kahayang kuring.
kuring hayang lalayaran ka cihea,ka pasir itu,ka gunung patuha.
"Ah gampang atuh nyai" kantun naek beus ti leuwipanjang ke ge nepi ka ciwidey.

SUMPAH

Kénging Dhipa Galuh Purba
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 03:04:23

Béb, abdi sumpah! Abdi jangji! Abdi moal gaduh deui kabogoh salian ti ka salira. Tapi upami dina jangka genep sasih mendak padamelan nu rada mucekil mah, wayahna abdi badé nambihan deui kabogoh saurang atanapi dua urang baé mah. Wayahna Nyai Bébé... wayahna pisan Nyai Bébéém. Ieu jangji abdi Pasal 7 ayat 6, RAPBN (Rancangan Abdi Perkawis Bobogohan Nambihan)...

BASA CARANGCANG TIHANG

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 02:57:11

Tepung tauna lawang goah muka. Remeng-remeng nampeu lebah juru di haruduman sarung butut. "Lebar temenan nya gaplah, padahal masih wedel, gancang atuh pajang deui di tihang tepas!" Simpé muter-muter kurung nu ngungun, di jerona tembong bulu-bulu katineung pasoléngkrah nalimbeng. "Aéh, aéh, lain los nya indit mungpung isuk kénéh, siar gantina, balatak nu leuwih alus gé geura!" Simpé nyéréngéh mireungeuh haté léah teu ngulét muru kamarna. Dangdan.

jtwg

PEUTING NU JEMPLING

Kénging Ida Rukmana Ida
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 02:36:10

Dina wanci tengah peuting sobat kuring kungsi nyaring,ngaleret jam nu ngagantung ceuk pikir geus waktuna sholat tahajud,tapi suku dilengkahkeun asa beurat,teu saperti migawe proyek meni giat..teu mikir yen sagala rezeki proyek datangna ti Alloh SWT.Peuting harita eta sobat dina hatena sabil,tahajud entong tahajud entong,.hate na gilig .ah peuting ayeuna kuring rek tahajud..kuring rek sumerah diri,kuring teh apanan mahluk ciptaan gusti nu maha suci kacida salah tur beurat mun teu ngabdi.

BU HAJI

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 02:12:06

Kiriniiing sora telepon disada. Uing gura giru nyampeurkeun, bisi aya khabar penting. "Assalamu'alaikum." Cekeng teh. "Wa'alaikumsalaam." Kakuping soanten halimpu. Tangtos isteri yeuh. "Eh abah kumaha damang?" Hor saha nya, geuning apal ka uing, tapi uing poekeun sahasahana. "Alhamdulillah pangesto. Kumaha sawangsulna?" Walon uing bari mikir ieu saha. "Dupi ibu aya?" Walerna deui mani marahmay. Beu jaba matak hayang kiih deuih. "Aya, dupi ieu saha?" Masih mikir, "bu Haji." Walonna bari nyakakak. "Sumuhun bu Haji. Tapi saha?" Cekeng rada heuras, kapan ieuh geus sacorcoreun pisan. "Bu Haji Sahari," walonna kaget. Berebet weh uing ka jamban.

KAMPUNG BANGSAT

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 01:17:21

Di Kampung Bangsat, sakabéh wargana, ti mimiti Lurah, RW, RT, Lebé, Paraji, Guru, Mantri, nepi ka warga séjénna, taya lain, nyaéta bangsat. Hiji peuting, di Kampung Bangsat téh aya salah saurang bangsat ningali Hansip keur ngaronda teu jauh ti Tugu Bangsat. “Hansiiiip...! Aya hansiiiiiiip......! “ ceuk éta bangsat, gogorowokan. Rabul bangsat ti ditu, ti dieu, “Mana Hansipna? Tewaaak...! Tewaaaaak......! Cuang gebugan!” Bangsat ting corowok laju nyangkalak jeung ngagarebugan éta Hansip. Ku para bangsat, Hansip diabringkeun ka Pos Bangsat. Di Pos Bangsat, Hansip téh digebugan kénéh bari diinterogasi “Geus sabaraha kali manéh ngaronda?!” ceuk bangsat. “Sakali,” témbal Hansip. “Bohong, siah! Buru ngaku sing jujur, geus sabaraha kali?” Bangsat nanya deui bari nenggeul. “Tilu,” walon Hansip. “Tah, kitu atuh ngaku,” ceuk bangsat bari habek deui neunggeul. “Rék sakali-kali deui, moal?” ceuk bangsat kénéh “Ampun, pak, abdi moal sakali-kali deui ngaronda, abdi janji” ceuk Hansip kapokeun. “Katempo ngaronda deui, awas siah!” ceuk bangsat.

BOLOHO IH!

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 00:55:02

Peuting ka hiji , abus ka kamar panganten, kasampak pamajikanana ngagoler capeeun, bari dibulen simbut, Sarwan ngagoler gigireunana, bari mikir oleng malem panganten kumaha. Teu lila pamajikanana ngomong sorangan “ Gedang teh geus asak pisan, iraha bajing ngadaharna?”Gerentes hate Sarwan “ Ngalindur pamajikan keur inget kalembur, karunya, keun sina sare” Sapeupeuting Sarwan mikir kamana nengan gedang wayah kieu Peuting ka duana, sabot Sarwan ngagelehe gigireun pamajikanana, pok deui” Sawah taneuhna geus lendo pisan, iraha bapa tani rek ngawuluku?” Duh karunya pamajikan ayeuna hayang kasawah jaba paroek, kumaha atuh” Gerentes Sarwan. Isukna kencling nanyakeun babaturanana geus laki rabi. Barabat ngadongeng, ku babaturnana Sarwan dipapatahan omongan engke peuting. Barang asup ka kamar, pamajikanana geus sare, bari ngagelehe pok we Sarwan ngomong” Akang lapar, tiasa teu nuang gedang ayeuna?” Jempling teu nembalan. “Akang hayang ngawuluku kumaha nya? Teu lila pamajikkanana ngulisik bari pok ngomong” Hapunten akang wengi ieu mah, gedangna buyatak, sawahna ge banjir”

RANDA SORÉ

Kénging Mochamad Ziaulhaq
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 00:17:15

Hiliwir angin maturan Ki Haji ngalamun di tepas imah, bari seuri sorangan. Sadar. Luak-lieuk, tuluy manteng deui pipikirna. Ti saprak ka manéhna, réa ngaléos soré-soré. "Gara-gara Nyai Randa, tanaga badag tur hadé, lain céwé matré," gerentes haténa.

Panglipur haté Ki Haji, bener geulis, teu réhé. Pinter nutu jeung nyekel halu. Jaba anak hiji, teu susah marabna. Ras inget haréwosna, "Ki Haji, abdi moal aya carekeun, asal tong sangsara. Alim orokan deui, matak moal téréh kendor, rada awét sosonoan." Ki Haji kerung deui, hariwang réa gosip jeung curiga. Jol téh Asép Satpam seuri, "Ki Haji! Iraha kaditu deui?"

"Isuk, pasosoré!" Pokna. Gebeg, reuwas.

KEMBANG LIAR

Kénging Windu Mandela
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2012 00:05:00

Pas balik gawe ti kantor tadi sore, uing manggihan kembang liar di sisi jalan. Teuing ti iraha kembang eta aya di dinya, sigana uing terlalu cuek teuing kana kaayaan. Gek diuk harita di gigireunna, kembang eta ngamimitian nanya "nya moal nanya kitu akang ka nyai? nyai merhatikeun akang tiap poe". Asa ku aheng pisan, naha aya kembang bisa ngomong, meureun pedah rieutna pikiran. "punten, akang nembe ningal nyai dinten ayeuna da" jawab uing. Kembang eta teu nanya deui, tapi muragkeun daunna salambar demi salambar. Harita keneh hujan garimis turun, tuluy uing ngangkat koper muru ka imah nu teu jauh deui ti tempat eta.

Sumedang,
April 2012