Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Maret 2012 (41 Naskah)


ENDAH

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 23:58:44

Keur pamitan basa arek mulang ka Jakarta. Aya sora halimpu anu ngucapkeun salam. Nyes matak tiis kana hate, matak gumbira kana qalbu. Saharita 5 pasang mata jalu ngalieuk ka beh lawang panto. Disorot ku loba mata careuh mah, mojang tea bangun anu geumpeur bari ngadeg, ramona riweuh silih itung, bari nyonyoo pita biru. Sakedet netra karasa socana nyirorot, tapi tungkul deui bari leungeun semu ngageter. Pedah kuring anu pangdeukeutna, sacara jentelmen kuring ngahiap sigeulis tea disina lebet. Alhamdulillah. Acara balik disore eta bolay tah. Diganti silaturahim ka bumina Endah.

DI RUMENTING PEUTING

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 23:54:15

Luhureun meja opat pasagi, aya hiji coet nu diriung ku mangpirang mutu. "Elmu ngahyang uing can pati manjing, euy! Dua garapak nu munggaran mah ngajadi, ngan nu nilu kalian bet ngeplos" Olot Santang muka paguneman. "Leunca tea..leunca" nu aya di dinya nyakakak, kagugu ku leunca hideung. Lebah kenca, kembang eros pulas beureum ngabelehem, aya seungit cai abdas nu mapaesan.
Luhureun meja opat pasagi, aya hiji coet diriung mangpirang mutu.

DIGAPLOK CAWENE

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 23:44:46

Teuing kunaon, naha bet sioom remen polotot ka uing. Kapan hubungan sapopoe jeung inyana biasa biasa bae. Atuh si Mean batur ulin, si Elen meh unggal peuting diwurukan pelajaran tambahan, aljabar ilmu ukur bahasa Inggris. Heueh sih urangna oge bari bogoh, tapi kapan si Elen mah sok galak teuing jadi cawenena. Jadi kapoklah, saenggeus uing digaplok dina beca, waktu balik tas lalajo pelem di Menteng. Tidinya uing tara deui daek mantuan ngajar, sanajan manehna keur ulangan umum oge. Enya kamari nyak Indun nasehatan uing, "elu jadi lelaki nyang sabar ngapah Man. Si Elen entuh rempuan cakep, mane kulitnye item manis lagih. Coba kalu eluh dapetin, nggak bakal nyesel dah. Ketagian malah, barangnye kayak ketan." Teuinglah, uing teu ngarti.

KUNYI GALAU

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 22:07:22

Mangpaung. Semu aya nu ngolényay juru panon. Si Kunyi, galau. "Basa Démén neuleuman Madilog. Hirup teu sieun ku ekonomi. Kiwari. Cai hanyir jadi pataka." Éak-éakan kénéh sisi jalan. "Barudak sakola, tatéh.!", "Anak bedus!" si Kunyi ngabecir dina kuda wesi. Dituturkeun sora démo nu atah létahna. "Galau!" ditulis ku si Kunyi dina sepanduk.

DUKA WANGSIT, DUKA TEH TEUING

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 21:56:30

Sora angin nu nyeaor teh geus leungit.
Gauuur...! Disusul ku sora nu ngagaur handaruan, najan sakali tapi tarik, mantak geumpeur jeung keueung.

"Sampurasun!" Gebeg. Rewas, ujug-ujug aya sora agem nampeu hareupeun.

Rek nembalan, letah kebet teu bisa nyora, Panon hese rek dibeuntakeuna. Neger-neger maneh, bari angger teu obah, tetep dina kaayaan sila, sirah tungkul, panon peureum, ukur bisa ngababade tina pangdenge.

"Geus tamaha, hirup kalangsu, teu make ugeran, balukarna Nagri jadi gering parna nu hese ubarna" Nyaritana tatag pinuh ku wibawa.

"Bisa cager jeung waluya ieu Nagri.
Naha ti sekeseler kula geus aya nu sanggup; Bisa nangtung ajeg dina pucuk puncer kembang tanjung nu rupa kembangna beureum jeung bodas?, naha aya nu bisa mangku l tatapakan nu lima sakaligus, di darat jeung di sagara ?

Omat, kudu diparake, ulah dilaanan baju nu ti kula! Cag".

Nyah, Benta. Aya nu ngalumburuk, horeng aksara; SILIH ASAH,SILIH ASIH,SILIH ASUH.

ELEGI MALEM MINGGU

Kénging Munggaran Alfatih Z
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 21:41:53

Peuting beuki rawing, rupa anjeun kokolebatan dina hordeng jeung asbak bari imut ngagelenyu sakapeung ngabetem bangun nu ngemu rusiah, sora hp humaregung meupeuskeun lamunan, angin saheng ngaharewoskeun beja ti alak paul, anjeun nu masih keneh napel dina hordeng nyeuleukeutreuk, disieuh-sieuhkeun sina indit anggur emprak bari ngurilingan eusi sirah kuring, sakapeung entreup kana hate bari ngendag-ngendagkeun satungkebing iga, gap..kana peso sreett..rupa anjun disosoeh berebey getih kaluar tina jajantung kuring, helok ku tetenjoan kuring ngudupruk nepika ngereles kapiuhan.

SONO TEU KATEDUNAN

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 21:09:12

Hate kebek ku rasa sono, gilig peuting ieu reknepungan buah hate,nuteuweleh ngagokan dina kongkolakmata.Tabuh salapan geus rengse pagawean,brus kacai ngadon mandi.Rap make pakean kojo.Crot-crot minyak seungit nu kari sakeclak ditonggengkeun.Werr,sijadul dihirupan, geuleuyeung maju lalaunan marengan hate nuguligah.Leok si jadul dipengkolkeun ka pasar Ceplak rek nyimpang ka tukang batagor karesep pimitohaeun itung-itung keur ngabebenjokeun. Dius indit deui mengpeng ka jl.Bratayuda. Reg euereun dipakarangan bari nyarandekeun si jadul kana tembok,kuring uluk salam.Bray panto muka blenyeh indungna bari ngabageakeun rada darehdeh.Cong sasalaman,bari nunda keresek batagor dina meja.Gek kuring diuk dina korsi gigireun panto.Bari ngobrol ngalerngidul mata teu weleh mencrong kana enggon si manehna lebeng teu emol-emol.Panceg tabuh dualas peuting kakara indung na nyarita,"puguh si nyai teh keur di Leles di Ua na."nyel hate ambek tanaga midek,rasa sono nu ngagugudag melepes ting kalices kasilih rasa hanjelu.Gura giru kuring amitan teusirikna ngusap birit bari indit.

DURIAT

Kénging Dewi Budi
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 21:08:02

Ratih memener kabaya jeng sampingna waktu aya nu ngabejaan yen rombongan panganten lalaki geus nepi. Nu di jero imah saribuk ku tugas sewang-sewangan.Enya oge teu hajat gede,teu burung buruan imah pinuh ku tatangga nu hayang ningali lumangsungna acara walimahan, atawa aya oge nu ukur hayang sidik ka panganten lalaki.Geus liwat sajam tina waktu nu dijanjikeun, naib can datang keneh, sarerea guling gasahan komo panganten mah."Sabar Ratih, pasti aya waktosna kanggo urang ", bebenena ngaharewos, bari nyepengan leungeun Ratih. " Akang bade kamana? Akang! Akang! " sora Ratih beuki bedas gegeroan waktu bebenena ngaleos.

"Bapa, Ratih sadar!" sora indung Ratih ngagorowok nyadarkeun Ratih tina alam nu disabana. Bapana datang dibarengan sababaraha suster.Ratih ngalempreh sarwa bingung,ret kana meja warna bodas aya Yassin make foto bebenena, dampal leungeunna dibuka, breh aya ali meneng make ngaran bebenena.

NYOBA-NYOBA

Kénging Nadiani Yunas
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 20:48:35

puluhan warsa ngageugeuh patempatan. tuna hujan sepi angin, aya nu ratug kana jajantung, ngorobet ngokoet soek, ngabibita palapakan anyar. Tisaprak harita kukupu teh teu bisa hiber deui ti peuting nepi ka salawasna.

GARANG JAPUH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 20:38:19

"Mah mana rencang sanguna ?"
"Itu dina kompor gas, garang japuh. " tembal pamajikanana bari ngegel pingping hayam, meni cacamuilan, ngabibita. Panonna ngadelekan salakina.

Isukna, "Mah rencang sangu bagean papah mana ?"
"Itu dina kompor gas, garang japuh." bari ngegel babat nu rada liat. Terus ngadelekan salakina.
"Ari mamah, piraku japuh deui japuh deui ?"
"Mamah ge kenging pamasihan tatangga anyar, geulis teh Pah, bageur deuih."
"Bagi atuh sakedik."
"Naha make menta ? Pan ieu ge meunang mangmeulikeun Papah cenah ! Unggal sore. Aya ku rajin nya. Ka pamajikan mah ukur mere satahutempeeun, paling banter asin sepat, angeun haseum."

Luk, tungkul. Kesangna rarenung dina tarangna. Basa pamajikanana ngosongkeun garang japuh nu geus garing

BULAN SAPASI

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 20:13:46

Kakuping hariring, nu nguwak ngawik pasini.
Peuting ieu Bulan guwang gawing kari sapasi.

LALAKON KAHIRUPAN

Kénging Ucu Susandrawati
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 18:05:33

Cilaka dua belas, lamun poe Senen ngadadak hudang teh sok kabeurangan wae padahal di sakola teh kabagean piket jeung kudu nyiapkeun patugas upacara. Hiji poe mah bakat ku gesat gesut rusuh teu puguh antukna poho make sapatu jeung baju saragam. Dasar limpeuran inget soteh basa leumpang di nu becek kuring tisoledat nepi ka nangkarak bengkang, ari sendal capit ngacleng ka sawah, tungtungna nyeh seuri sorangan. Tungtungna kuring olohok mata simeuteun bakat ku reuwas basa ngareret kana baju nu lamokot ku leutak, geuning nu dipake teh baju piyama keneh. Antukna mah kuring ngahuleng ngaraga meneng dina galengan sawah salila - lila. Teu lila kuring maca istgfar basa karasa aya nu baseuh dina piyama....

PEGAT

Kénging Usep Acx
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 17:56:48

ayeuna mangsa peunggasna kacinta jeung impian katresna
ayeuna mangsana di mana anjeun ngan bisa neundeun pangharepan dina cai reumis
kuring teu bisa mitresna deui, kuring teu bisa mikacinta deui
sanajan panon anjeun ngembeng ku cimata
kuring moal kungsi bisa mitresna deui Anjeun, hampura...
rumasa kuring hianat...ayeuna urang paturay....

MÉMANG KUDUNA

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 17:01:14

Masih can ingkah ti pangdiukan, panon manco ka luhureun méja. Buku bulao lalaunan di buka. Gambaran hiji budak ngalangkang. Kasép, beresih, anak hiji inohong nu kiwari jadi dunungan salaki.
Dina lambaran kadua, natrat. Ngan opat angka nu aya di dinya. Sésana nu dalapan masih molongpong. Sagala cara geus dilakukeun, ka asup ngadeuheus ka sang inohong. Hasilna? Nu puguh mah, kuring can kungsi nuliskeun deui angka dina lambaran éta. Sang inohong geus boboléh.
Leuwih ti sabulan teu sakola, ti saprak nyabet batur sakelasna maké ranté. Bu Siti nu rambisak alatan tas na diasupan kadal, Pa Dodo nu pinuh amarah da dibendol waktu ngaliwat lapang, Bi Otih nu rawah-riwih bébéja daganganana di paok, ngalangkang. Geus puguh ari ngaroko jeung malak mah ampir unggal poé.
Rénghap téh mingkin beurat. Lalaunan ngarongkong pulpén. Kalangkang salaki leungit pagawéan marengan waktu kuring nyorét kecap "naik" dina buku bulao.

KING EMAN

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 16:19:43

Sssttt aya gosip anyar ning, King Eman. Tada teuing penginten matak anehna ieu gosip anyar ti neng Siti Julaiha. Mangga wae galeuh, *ichal,,ga mengertikah?? Tanya lah sama King Eman.* Kuhebat basa Sunda, tina engking disingget keren janten King. WEw, hehe.

POTRET MANEHNA

Kénging Kang Ties
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 15:48:29

Tilu kali Kuring nempo Manehna! Keur nutup tingkeuban warung jeung keur asup ka lawang panto Imahna. Ti dinya mah, pleng we teu panggih deui. Poe minggu, teu ngahaja ulin ka warungna. Tapi aya perlu ka tukang ojeg, rek nyewa motor keur isukan indit gawe. Gek, diuk dina bangku panjang. Terus pesen cikopi, Jeung pirajeunan nanyakeun bari nerangkeun, dedeg pangadeg hiji Wanoja anu sok nutupkeun ieu warung. Si Ibu nu ditanya kalah melong ka Salakina. "Ke, ke, iraha pendakna, Cep?" ceuk Salakina. "Sasasih kapengkeur tiap jam dalapan wengi upami Abdi wangsul damel, Pa!" "Itu sanes?, sok sidikeun kalebet!?" Sup Kuring ka jero warung, teup nyidikeun Potret hideung bodas. nu dina pigura napel kana tembok. Kabaya burkat kayas jeung Samping corak mega mendung pakeana, Wanoja manis rambutna diuntun, keur calik dina bangbarung. "Eta sanes, Cep!?" Kuring unggeuk ka Salaki siIbu. "Eta mah Almarhumah Mertua, nuju gadisna!" Kuring ngahuleng neuteup Potret Manehna.

YU ACH..

Kénging Yaya Sunarya
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 14:56:34

Ulah loba teuing harepan ka PAMARENTAH..anggursi urang berdayakeun potensi nu aya di diri sewang-sewangan dina rengkak paripolah anu matak maslahat & manfaat, eutikna hirup ulah matak jadi beban jeung piomongeun batur atuh tebeh dituna-mah sing jadi jalma anu pada dipikabutuh ku batur...

Keun we da masalah AMAL mah yakin moal pagentos di payuneun Anjeunna..

TATARUCINGAN

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 14:46:37

Keur anteng ngarang fikmin na léptop, konséntrasi kuring kagareuwahkeun ku pun anak adi-lanceuk nu keur guntreng tararucingan.

“Cik teguh, A. Kandaraan roda opat naon hayoh?” cék adina.

“Nya mobil atuh,” walon lanceukna.

“Mun roda tilu?”

“Béca, bémo ….”

“Mun roda dua?”

“Motor, sapédah ….”

“Mun roda hiji?”

“Sapédah sirkus.”

“Mmhh … mun roda sapotong?” embung éléh.

Ki lanceuk ngahuleng sajongjongan. “Kuéh bandros,” pokna téh.

Kuring nyenghél seuri. Ari kana pangabeuki mah calakan pisan si Aa téh.***

TITIRAH NGADON KANCEUH

Kénging Abah Zarot
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 14:37:51

Kurunyung Ceu Rumsih, tara-tara tisasari make jeung nganjang soré-soré ka imah. "Abah, ngawagel sakedap. Abdi téh aya kaperyogian. Nyuhunkeun pituahna tinu janten sepuh " pokna téh, ngamimitian ngawangkong. "Hmm, ribut deui jeung salaki manéh ?, atawa aya masalah naon deui ?". Nu ditanya ngadon carinakdak. "Abdi téh nuju baluweng Abah, Nuju seueur émutan !" Ceu Rumsih ahirna mah ngabéjakeun bangbaluhna. "Nyi Erum, reungeukeun yeuh ! Alus pisan atuh ari loba pikiran mah. Daripada urang téh kurang pikiran. Komo teu boga pikiran mah, apanan cilaka dua welas nu kitu mah !" témbal Abah, bari menerkeun curutu. Sabot tungkul, katinggali ku juru panon, Ceu Rumsih ngejat bari ngabalieur ! Aya kana samingguna, manéhna tara katinggali deui ngulampreng ka buruan.

ASIH KURING

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 14:34:01

Handapeun layung sore kamari,Anjeun masih gumujeng nyunputkeun luberna rasa kamelang.Handapeun cahya bulan peuting kamari,Anjeun neuteup anteub deudeuh bari imut pinuh kareueut mindingan hate nu raheut.
Poe ayeuna,Anjeun milih jalan cagak nyesakeun carita Peuting jeung Beurang.
Wilujeng miang.....Junjunan
Umbul umbul sapanjang jalan geus ngagupayan ngabageakeun Anjeun.Do'a kuring aya dina hariring asih nungagalindeng maturan sukma kuring salawas.

ALESAN

Kénging Maya Dewi
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 14:06:57

''beut ku teu nyangka akang rek tega kitu peta ka abi,naon lepat abi teh atuh?''ceuk manehna ka salakina,''hapunten geulìs,salira teu lepat,mung akang teu kiat ningal nu sanes ngiring resep ngiring bogoh ka salira,'' pok na bari ngaleos. Manehna ukur olohok teu ngarti .. Ukur cimata nu nuturkeun tonggong salakina.

NGARUNGKUP BULAN

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 12:53:40

(Inget ka Li Po)

Geuleuh ningali bulan. Digupayan karah ka mencrong, dicalukan api-api teu ngadéngé. Terus baé ngangkleung di antara méga hideung, ngalayang lalaunan dibarungan awak nu ramanggieung. Karah kalangkang wé ajrag-ajragan, ngajulan manéhna tina rungkun pandan jeung saliara.
Ari warung, geus simpé ti pasosoré. Ukur kuring dibaturan botol jeung kekembangan. Nu tungguna geus ngagojod, kérék diharudum sarung, nitipkeun warung ka botol nu meh karosong.
Geus béak dalapan botol, bulan anggeur teu daék turun. Haté jadi keuheul. Kuring ngoléséd ka tukang, ngagaratak lomari nu tunggu warung, néangan sarung. Meunang hiji, sarung hapeuk pulas hideung, kuring ngoléséd ka pipir warung. Keteyep ka lebah tangkal kalapa, ngangsrod sabisa-bisa, muru bulan nu keur ngajangteng dina pucukna.
Sarung ku kuring dibeberkeun, laju dirungkupkeun. Bulan gugurubugan. Tapi teu bisa kumaha. Geblug! Kuring tibeubeut nindihan bulan. Sarung dikoréhan, néangan sungutna. Geus kapanggih, ciu digolontorkeun aya genep botolna. Bulan kuat ka rénghap ranjug, eueuleugeugan. Kuring seuri akey-akeyan.

WAREG KU ASIH

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 12:30:30

Nu sejen mah ari dibéré konsumsi téh sok gancang dipurak. Béda jeung si Hamdan, sok kalah sup wé dikana-taskeun. Ngan geus tilu poé budak teu asup. Padahal pagéto rék lomba karya ilmiah. Buru-buru ditéang ka imahna. Nyampak indungna keur moyan bangun lungsé. Cenah saminggu ieu katarajang panas tiris jeung nyeri padaharan. Teu lila jol si Hamdan mikeun bungkusan keur sasarap indungna, cenah ladang ngenékan tukang témbok. “Ari Hamdan tos sasarap?” cekéng téh. “Pami ningali ema tuang, abdi sok ngaraos wareg, Bu” pokna téh.

OBJEK VITAL

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 12:07:50

Poe ieu, mahasiswa ti sababaraha universitas seja demo kalawan bakal ningker jeung ngablokir 'objek vital' milik pamarentah. He pamarentah! Kudu tatahar aranjeun samemeh alat vital aranjeun ditingker jeung diblokir!

SIEUN

Kénging Qien'ea LuQman
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 12:05:33

masih keneh inget kana caritaan anjeun ti heula. " Iya mah sieun imam teh teu sapahamam dina agama, ngadoa mah tos dikeureuyeuh, tapi kanggo ikhtiar ngabuka hate tacan tiasa." pok na teh. cekeng teh," yeuh iya ari tuluy ngagugulung sieun mah moal aya tungtungna ari teu dicobian mah. diajar naek sapedah oge mun sieun wae ragrag moal bisa-bisa tah naek sapedah teh." tuluy manehna nyarita deui, " muhun a pasti kaemutan kana perkawis eta mah. da tos waktosna iya ngemutan, moal salamina kieu wae. nuhun a. bertahap we nya."

PALANGKAKAN

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 11:34:27

Basa pun lanceuk sarimbit ti Karawang seja rék ngéndong saminggu di Bandung téh, kuring mah malah atoh. Kabeneran keur peré ngajar. Aya kasempetan rék nyoo si Kaka nu sakitu lucu tur capétangna najan cadél kénéh. Umurna ampir tilu taunan.

Hiji poé Kaka ku kuring diajak jalan-jalan ka mall. Sajam kukurilingan, Kaka ngarenghik. “Embi, hayang palangkakan,” pokna téh.

Kuring reuwas, laju ngaharéwos, “Ssst, teu kénging nyarios kitu.” Cék pikir téh, “Mamang hidep gé tara pépénta jiga kitu di tempat ramé.”

Kusabab ceurik waé bari ngomong kitu, budak gasik diajak balik. Nepi ka imah ngan pok wé satengah negor ka bapana Kaka, “Ari cacarita hareupeun budak téh tong sagawayah, Kang. Budak mah sok ceuli léntaheun.”

“Ngomong naon kitu?” pokna malik nanya. Sabada dicaritakeun, na ari barakatak téh Akang jeung ceuceuna sareuri meni ngehkey.

“Maksud budak téh hayang baranghakan, alias jajan cék urang Bandung mah,” pokna. Kuring bati kéom, éra sorangan.***

NUNDUTAN

Kénging Akoer Lah
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 11:14:59

Hareupeun pager Gedong Saté, aya aki-aki baramaén bari nundutan. Bandéra beureum-bodas siga nu horéam ngélébét. Mobil jeung motor tingbaliur taya reureuhna. Basa aya sora erém mobil ngagerit tarik, nu baramaén ngarénjag. Terus ngarampaan dudukuy nu namprak, masih kosong. Luk tungkul deui nundutan, nuluykeun hanca impianana. Teu kungsi lila aya ratusan jalma-jalma nu sirahna dibalengker. Marawa spanduk bari jojorowokan teu puguh déngékeunana. Terus ngangsreg ka hareupeun Gedong Saté. Aki-aki nu baramaén kagulung ku ratusan jalma nu darémo. Dudukuyna ngacleng duka kamana. Nu darémo jeung pulisi anti huru-hara silih serang. Batu jeung “water canon” pasulabreng.
Ngarasa kaganggu ku nu perang campuh, aki-aki téh kuniang nangtung. Gep kana iteukna. Lir dina carita silat, “jebét...jebét...nu darémo katut pulisi dibabukan iteuk si aki ku gerakan tanding tatit. Ting kocéak terus nalambru. Réngse ngababukan, si aki néangan dudukuy kameumeutna. Geus kapanggih mah diuk deui hareupeun pager Gedong Saté. Nundutan deui.

FURNITUR

Kénging Deni Hadiana
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 11:13:35

"Kang, bisnis naon atuh ayeuna teh? Geuning meni sugih mukti kieu? Mobil ceuyah, bumi agreng, istri gareulis kitu... "
"Furnitur..."
"Oh, kitu...? Pabrik, Kang?"
"Icalan, supley..."
"Nyupley ka mana wae kitu, Kang?"
"Ka seluruh Indonesia, utamina ka instansi-instani nagara sareng BUMN...."
"Euleuh-euleuh, hebat Si Akang mah euy...? Ngajak-ngajak atuh Kang! Meni tereh kieu geuning beungharna?"
"Boga modal henteu?"
"Sabaraha kitu modalna Kang?"
"Lain sabaraha atuh pertanyaanna?"
"Naha geuning? Teu nganggo artos kitu?"
"Henteu. Modalna ngan ukur tekad jeung pinter ngaharewos..."
"Har, geuning...?"
"Akang ngajualan furniture lain sambarang furnitur, tapi mangrupa korsi anu hargana 60 juta sasikina."
"Euleuh-euleuh... awis pisan geuning..?"
"Malah anu dijual ka BUMN-BUMN mah bisa mang milyar-milyar hargana..."
"Ckckck...! Naha wawantunan kitu geuning anu meserna?"
"Sawab kauntungan anu meulina bisa mangmilyar-milyar malahan trilyunan..."

BUDAK POLITIK

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 09:58:48

Aya budak nanya ka bapana, naon anu dimaksud politik teh. Bapana ngajawab saperti kieu, “Jang, bapa teh tugasna nyiar nafkah pikeun kulawarga. Kukituna bapa disebut wae KAPITALISME. Indung anjeun anu ngokolahkeun biaya keperluan rumah tangga urang sebut PAMARENTAH. Ayana bapa jeung indung teh pikeun nyubadanan keperluan anjeun anu disebut RAHAYAT. Anapon si bibi anu babantu di urang disebut BURUH. Tah si bungsu anu masih keneh orok urang sebut MANGSA KAHAREUP.”
Budak teh ngagoloyoh ka kamarna bari mawa pikiraneun ti bapana. Tengah peuting kadenge adina ngear, barang diteang kasampak cipruk ku ompol. Rek ngageuingkeun indungna nu ngageubra bari kerek teu wasa. Ngadatangan kamar si bibi dikonci. Panasaran noong tina liang konci, katingali bapana ngeukeupan si bibi. Budak teh balik deui ka kamarna.
Isukna eta budak nyarita ka bapana, “Ayeuna ujang paham hartosna politik.” Bapana ngajawab, “Alus ari kitu mah. Anak bapa tea atuh calakan! Cik caritakeun, kumaha?” Budak ngajawab, “Basa KAPITALISME ngamangpaatkeun BURUH, sedengkeun PAMARENTAH sare tibra, mangka RAHAYAT nalangsa jeung bingung ningali MANGSA KAHAREUP pinuh ku bancang pakewuh!”

Cimahi, 31032012 (Saptu tabuh 09:21)

ANTARA PAMARENTAH, MAHASISWA, DPR, JEUNG HARGA BBM

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 09:37:10

"Pokona, harga BBM teu meunang naek!", demonstran pating corowok. "Rakyat harus mengerti kondisi negeri ini, kita terpaksa menaikkan harga BBM", salah sahiji pejabat ngajawab bari rek ngompol. "Omong kosong itu, geuning kuring teu dibawa badami?", salah sahiji anggota dewan nyorowok, api-api ngabela rakyat. Teu nyarambung. Esti, salah sahiji Polwan geulis nu ngahaja ditugaskeun, sibuk maledogkeun imut ka nu demo. Sorena, di hiji ruangan mewah, sababaraha urang gegedug demo narima duit.

NU NEANGAN BAPA

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 09:14:04

Ngawani-wanikeun maneh,lalaunan manehna asup ka imah skitu sigrongna,
Sanajan suku asa nincak asa henteu, sarta jajantung asa tinggedebug neunggaran dadana. Manehna tetep tigin kana niatna," Aing hayang panggih jeung bapa Aing' Gek manehna diuk dina teras" Asalamu'alaikum" cenah sorana rada ngageter. Nu kaluar awewe tengah tuwuh umur 60 taunan. Manehna nanya ka anu andeprok : " Aya naon Jang ? " Nu di tanya bari popoyongkodan ngasongkeun besek dieuisi cau mengkel keneh, gedang jeung sampeu...
" Bade nyanggakeun ieu ti Ema kanggo Bapa sareng Ibu"
Awewe tengah tuwuh bingung. Teu weleh neuteup ka budak nu diuk dina tangga imah teh bari mikir;' Budak teh ku beresih jeung kasep, bajuna anyar deuih, sigana ngahaja pisan datangna teh". Hayoh we budak teh dipelong. " Ari Ujang saha tea? ieu kiriman ti saha ?"
" Ti pun Biang, Ma Asih, saurna kapungkur lami didamel didieu."
Si Ibu tengah tuwuh teh ngagebeg Pek manehna ngageroan salakina anu keur maca koran.. Jol aya lalaki tengah tuwuh, buukna geus bodas,tapiteu bisa katutupan ku huis, manehna baheulana kasep pisan. " Aya naon Bu?"
' Tempo, ieu anak si Asih pembantu urang baheula, ngirim palawija ti Emana"
Si Bapa melong ka budak nu keur andeprok, Gebeg manehna ngagebeg, jantungna ngageber. getihna asa tingsriak. Nempo budak eta manehna asa ngeunteung dina kaca basa jaman keur ngora, Bleg teu dipiceun sasieur. Manehna muntang kana korsi. Bluk labuh.... kena stroke.........

SAKECLAK WAE,KANG....

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 09:13:16

Kuring ngadodorong motor nu saat bensin nepi ka pom bensin Rajawali.
"Ngeusi sabaraha,teh?"
"Sabaraha saleterna?"
"Masih keneh 4500."
"Mun satengah leter?"
"Nya satengahna ti 4500."
"Nya,sabaraha?"
"2250,teh."
"Mun sakeclak sabaraha,kang?"
"Sakeclak mah haratis."
"Sakeclak wae,kang."
Operator pom bensin ngahuleng, kuring mindahkeun motor meh rada majuan laju distandar duakeun.
"Ieu teh janten ngeusi moal?" (Paromannana keuheul)
"Tuh motor nu itu heula. Tos beres noselna kana tangki ieu pan butuhna sakeclak."
"Tah sakeclak. Tos nya!"
"Tuh nu rek ngeusi ngantay keneh. Sok unggal beres ngeusi nu batur kadieukeun sakeclak nepi ka pinuh."
"SATPAM! Usir awewe ieu! Amit-amit,ih...Geulis-geulis burung!"

DIPIARA KU NAGARA

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 08:04:20

Dina UUD 1945 kasebutkeun yen fakir miskin jeung sabangsaning golongan lara-balangsak teh dipiara ku nagara! Pantes kahirupanna teu menyat-menyat. Da kasangsaraanna dipiara atuh!

HARIWANG

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 06:36:43

Serebeng-serebeng Aki Jalil ngaluarkeun haseup tina sungutna,sakapeung ngebul tina liang irung.Bari sidendang dina bangbarung suruput kana cikopi meh kari jegohna,diselang ngahuapkeun bubuy hui beunang Si Nini."Aki rek tabuh sabaraha ngalongok incu ka dayeuh,?" ceukSi Nini bari jongjon ngasur-ngasur seuneu dina parako."Kateuing Ni, euy kamari oge jang Usman, balik ti dayeuh kalah buncunur tarangna aya numaledog,"tembal KI Jalil mendog mayong."Baruk,dibaledog kusaha,?" si Nini ngarenjag reuwas."Yeeh,ilaing mah teu apal di dayeuh keur pakewuh budak ngora silih tenggor jeung pulisi,kateuing, uing oge teu ngarti hayoh jeung batur salembur kalah parasea" ceuk Aki jalil kutuk gendeng."Meunggeus atuh montong indit ari kitumah hayoh nyaneh kabarerangan batan kitu leumpang geus rumanggieung teh,"ceuk Si Nini nyaram indit ka salakina.

NYAMUNI DINA UNGKARA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 06:09:27

Najan nyumput dina alak paul atawa ka sapatala di dasar bumi anu ka tujuh, angger ka tohyan. Komo ieu. Ngan saukur nyimbutan hitut ku ungkara. Ka ambeu najan sungut nepika ngabudah oge.
"Kajeun teuing. Aing mah geus nendeun hate di imah. Jang anak pamajikan hungkul. Partey aing mah da partey anak pamajikan."
Dina media, mani daria naker manehna ngajawab pananya hiji reporter TV.
"Partey kuring jeung Bagian Anggaran, nolak kana naekna harga BBM...."
Dina koran beureum aya bewara, anak manehna kapanggih ngunggah video porno jeung kabogohna di Internet.

GÉTRÉNG

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 03:30:34

Haseup roko mulek minuhan élf nu heurin ku panumpang. Gancang kaca mobil dibuka sangkan haseupna kalaluar.
“Tiris, Bu,” ceuk panumpang gigireun nu keur ngaroko bari nutupkeun kaca mobil.
“Teu kiat ku haseup, Pa,” céng téh bari mukakeun deui kaca.
“Tiris atuh, Bu, angin subuh kieu!” pokna teugeug bari nutupkeun deui kaca mobil.
“Mulek tuda, Pa,” Srék, mukakeun deui kaca.
Bari bangkenu, rokona dialungkeun. Lalaunan kaca mobil ditutupkeun. Elf nyemprung, teu maliré nu keur gétréng.

KAGANDRUNG SARIAK LAYUNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 02:49:06

Bu, rugi temen mun urang kudu ngerebek di naraka. Naha teu karaos atuh kumaha kasiksana urang ayeuna, akibat urang teu malire kana hate ?
Padahal ayeuna pisan waktuna ngaku kana kamerekedewengan diri masing-masing. Da teu mungkin atuh mun hiji rumah tangga burantakan akibat kamerekedewengan wungkul.

Bu, rugi temen diri urang mun kudu tigebrus ka naraka alatan tina rumah tangga. Yu atuh urang lenyepan. Meungpeung aya keneh umur. Urang bebenah deui diri, malah mandar barudak anu sakitu pikamelangeunana, katarik deui ku kahadean urang, nepi ka maranehanana salamet. Hayu atuh bu urang naratas jalan kasalametan. Urang pantengkeun kagandrung ka nu luhung. Urang teh geus sariak layung.

Klik, hpna dipencet. Sms nu keur dikirim diteuteup nepi ka eureunna.

Teu kungsi pamajikanana ngabales,
"Ceramah we siah siga nu heueuh !"

Ehm, kagandrung sariak layung, boa ukur lamunan, nu baris jadi bangbaluh, nalika panonpoe surup.

HANJAKAL DILALAJOAN WAE

Kénging TwoBagoes Roés
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 02:26:23

Jadi hésé saré tas lalajo sandéwara peuting ieu téh.
Pédah éta kitu teu mantér-mantér ramé sandéwarana?
Da éta atuh lalakon nu diguarna nu enggeus-enggeus waé.
Nilik Sutradara na, geus kanyahoan teu boga lilinggeran jeung ugeranna téh. Pon kitu deui nyieun "skénario" na ogé di borong ku manéhna sorangan. Atuh hasilna ogé dapon.
Ari nu boga lalakon karakterna téh saurang jalma nu teu boga pamadegan. Ti mimiti ger nepika lalakon lekasan, ukur diuk dina korsi, teu ingkah-ingkah, bari nyenyekel palu nu dijieun tina kai. Digédéngeunna ngajéjér wakil-wakilna, atuh dihareupeunna wé régrég wadya baladna pacampur jeung nu teu sa ilon jeung manéhna. Siga enya deuih dariuk saregep padahal katinggali arélékésékéng. Téh teuing kunaon kituna téh.
Karakter teu boga pamadegan nu boga lalakonna lir gambaran pasipatan sutradarana waé, anu sok remen ngangluh kanu lalajo, yén cenah aya galagat ti sawatara nu lalajo ngancam-ngancam ka manéhna, pajarkeun arék nyieun "gerakan anéh" pikeun ngaganggu kana pagelaranna, samalah rék ngagunasika ka manéhna.
Ana dibandungan dina émprona nepika pagelaran bieu wé kituh, anu ceuk manéhna rék ngaganggu kana pagelaranna téa téh euweuh di kieuna. Cindekna mah nepika bieu téh teu kabuktian.
Atuh lalajoaneun sandéwara beunang si sutradara angger henteu ramé deuih.
Ah ... hanjakal dilalajoanan waé atuh. Jadi wé hésé saré kieu.

DOSA

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 01:56:38

Nu ditéang sampak keur anteng ngumbar lamunan, diuk lebah bangbarung saung tengahing leuweung luwang liwung.

"Di dieu kula ayeuna, nyimpé ngalelerkeun haté, nyingkur seja tafakur, seja khusu sujud ngalipur dosa2 nu geus kapilampah poé kamari..."

"Di dieu, kula ngadangiang milang hambalan hariwang, honcéwang, nyilidkeun risi jeung peurihna karma ti gusti."

Teuteupna iuh tungkul milang kalakay dina jukut, soré simpé mareumkeun panon_poé usum halodo.

Catetan simpé para guriang... Lembur Layung, 2012.

JADAH

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 01:19:14

Dina teuteupna aya pirang2 rusiah nu geus lawas nyamuni, soré ieu jigana kekedek nu di sidem motah maksa mudal, ngaley ngalémbéréh mapay susukan simpé dina keureutna anu alum.

"Mamah..." hiji sora ngandegkeun lisan nu méh pisan. Budak lalaki 6 taunan ngaharémpoy kana lahunan manéhna, tanggah neuteup pinuh pananya.

"A... Ieu anak urang, arana Asép...!" pokna bari ngusapan budak,"jang ieu bapa hidep..."

Seblak, ngalangkang deui lalakon 7 taun katukang, boa2...? Aing anu jadah mah.

PEUTING JEUNG SIMPENA

Kénging Deri Hudaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Maret 2012 00:12:06

“Peuting téh bangun rék langgeng. Medem saendeng-endeng. Beurang geus pangsiun, euy? Beurang geus leuwih kolot kitu? Meureun beurang téh capéeun digawé. Ah, beurang mah siga awéwé atuda, babari kolot, babari capé. Heuheuy! Si beurang, si beurang… Béda jeung peuting, euy! Peuting mah kuat digawé, siga lalaki. Pédah hideung meureun, nya? Komo étaeunana mah euy, hideung téh. Lalaki. Meureun éta jimat lalaki mah, hideung, lestreng, mirupa petengna si peuting! “

“Peuting téh banget ku simpé, euy! Taya sora jangkrik. Taya sora gaang. Naha ieu téh dikota? Tapi, geuning teu kapireng tidid klakson. Teu kapireng gerungna mobil. Teu kapireng gaurna motor. Éstuning simpé, euy! Jam tangan ogé teu kapireng tiktekna. Sasarina mah patémbalan jeung jajantung kapanan. Ah kétang, jantungna ogé geus teu disada. Geus leungit ketugna…”