Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Januari 2012 (63 Naskah)


TIKUNCLUNG

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 23:47:35

“Sidang dibuka!” juragan hakim nakolkeun palu kana méja.
“Naha méja ditakolan, Gan?” cék manéhna.
“Tuan Pengacara?” ngarérét bari gogodeg. “Naha teu dibéjaan ku anjeun lamun ieu téh ruangan sidang. Kuring hakim.”
“Gan, teu kedah bendu ka pengacara. Beungeut kuring pelong mah!”
“Éh, lamun kitu mah ponis digancangkeun. Anjeun digusur. Geus ngajedog di tempat anu lain hakna...éta tempat kiwari jadi milik Juragan Iblis. Sagigireun ti kitu anjeun divonis hukuman saumur hirup lantaran geus ngalakukeun penyerobotan lahan sarta ngalakukeun pembunuhan berencana. Pasal berlapis! Lamun lapis legit karesep déwék, ngartos?”
“Oh, éta ponis anu arék ditepikeun téh. Teu sieun!”
“Naha maké teu sieun?”
“Lantaran éta tuduhan hiji gé taya nu bener!” beungeutna ngembang wéra. Teuteupna seukeut, beungeut hakim méh-méhan raheut.
“Pengacara? Naha wanian kieu?”
“Ulah nyalahkeun pengacara, Gan! Kuring mah moal ngejat satunjang béas demi nanjeurna bener jeung adil. Kuring nyaho anjeun saha sabenerna!”
“Naha saha?”
“Gédéng Permoni siah!”
Réngsé nyarita kitu hakim luncat tina tempat diukna. Ngocéak, cucunguk sato anu pang dipikasueunan murag kana lahunan, waktu manéhna nakol-nakol palu, kawasna kagareuwahkeun, keur jongjon nyumput dina beuteung méja.
“Podaran cucunguk!” bari lumpat ti babaranting, saeutik gé teu robah jadi Gédéng Permoni angger wé hakim nu tadi.

CIMEUTINGAN

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 23:28:00

DIALUNGKEUN deui kadieu. Éstu teuboga motif. "Hampura Akang!!!" Bongan.

Peuting nyapitkeun katiris lebah angen. Adekna keueung jeung amarah tingjelengeng, kawas loncéng nungoyagkeun karep. Lain soal Lastri, tapi leuwih kana pasualan gaib nuniruk jero, kana ati. Pikiran bahé, cipanon peupeus. "Sawios kuring miksi...?" Sora haté karasa peureus. Pikiran ngantél kana lalambaran kértas. "Lain soal Lastri..." Haté keukeuh, ramo leungeun nyegruk. "Dina langit. Lalangit haté lalakina" Haté keukeuh. Ngadadak bedegong. Kamar pinuh ku siraru. Ukur jam nu anteng, dibaturan waktu. Saaclokan kahareup nujuwet ku rusiah. "Nuhun..." Haté léah. Curuk kuring teuing di mendi

CARITA TI PALESTINA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 23:24:56

Diperbatasan Israel Palestina,aya pos nu nu dijagaan ku tentara,kabeh nu ngaliwat kadinya bakal dipariksa babawaanana,ngajaga bisi aya barang sulundupan.
Hiji poe Abu samad kana motor bari mawa barang dua karung.
Ku tentara eta karung dipariksa meni taliti,tapi eusina keusik
“Keur naon Abu maneh teh mawa keusik ka palestina”??
Kuring keur nyieun imah,keusik ti Israel leuwih alus ti batan di palestina,mun dipake nyieun imah,imahna wéwég pisan.tembalna.
Ku tentara dimeunangkeun Abu samad asup ka palestina.salila dua taun, Abu samad pulang anting mawaan keusik ti Israel ka palestina.
Hiji poe tentara teh panggih jeung Abu samad keur curak-curak di hiji restoran gede di kota Yericko,ku tentara Abu samad di sampeurkeun,bari ditanya.
“Yeuh ayeuna kuring geus pansiun jadi tentara,jadi terus terang we ka kuring da moal dikukumaha,sabenerna maneh bener nyieun imah,atawa nyulundupkeun barang?
- Nyulundupkeun barang.
+Barang naon géning teu kaciri.??
- Motor…

HAYU ....

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 23:21:03

"Neng naon tah jampena caroge teh dugi ka bageur kitu?" ceuk bi Jumah ka neng Yeti.
" ah mung ku jampe hayu ..... bi "
" jampe hayu kumaha ari si eneng ? "
" muhun bi upami teu nurut sagala kahoyong abdi mah, gelut hayu, padungdung hayu , mung sakitu bi "

FIKMIN

Kénging Aditia Gunawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 22:53:04

JARAH
Haturan:Godi Suwarna

“Kahaturkeun keur anjeun, tujuh rupa warna. Beureum. Hideung. Biru. Héjo. Konéng. Coklat. Bodas.” Sang Ameng Layaran ngucurkeun Cai-Taruma kana hunjuranna sorangan. Di geusanna nunda raga. Gunung Sembung.

FIKMIN

Kénging Abah Iseng
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 22:36:18

Kaduhung Nu Tiheula"
Rasa kaduhung mah tara tipayun...
Kaduhung nu tipayun mah nungtun domba.***

JANGJI

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 22:33:10

Basa baheula manéhna rék nyalonkeun jadi Walikota, sidik pisan manéhna téh kungsi ngomong kieu: mun manéhna kapilih jadi Walikota période anyar, bisi aya karerepet naon waé mah cenah telpon wé. Asal manéhna teu keur di luar kota, atawa teu keur riweuh ku pagawéan, masing iraha-iraha ogé siap. Tapi sok sanajan kitu, alhamdulillah, masing ayeuna manéhna geus jeneng jadi Walikota ogé uing mah teu pernah ngariweuhkeun manéhanana. Lain teu inget kana jangji manéhna basa baheula, lain. Tapi da karunya wé, jadi Walikota téa meureun loba acara itu ieu, loba indit-inditan ka ditu ka dieu. Matak keun wé lah, dina walurat-waluratna ogé paling uing mah rék...aéh heueuh asa kaingetan…kapan pamajikan téh keur mulinyen karasa beuteung? Rék nginjeum mobil dines jeung ménta dipangawalkeun ku Pulisi wé atuh ah ka Rumah Sakit. Sugan wé ari numpak mobil dines nu Walikota mah moal kapegat macét di jalan? Leres teu? *_*

CAN DIJUDULAN

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 22:33:05

Fikmin # OMAHA #

Dina letahna, cai laut karasa leuwih pangset, awor jeung getih baladna sarombongan. Basa tikerebek satutas luncat nyingcetkeun rabengna pelor nu diembratkeun, kadenge keneh aweuhan surak petingan.
"Hi..ho...silver..", ukur memenitan, satuluyna mung koceak dengek nu reang patembalan.
Pasukan Ranger loba nu geus jadi banusan, rapang dina kikisik, pagilinggisik,... sawareh angkleung angkleungan.
Mangpirang beungeut pias narembongan, mileuleuyankeun nasib nu karandapan.
Aya nu ngagukguk, nyempod handapeun Asparagus Rommel, panonna cipruk ku getih kentel.

NASIB NU NYANDUNG

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 22:18:27

Loba lalaki nu sirik. Teu saeutik randa nu miharep. Aya oge parawan nu boga rasa. ka saha deui iwal ti ka Ki Arjuna. Hiji lalaki langit lalanang jagat nu kasohor sakti mandraguna, oge boga pamajikan di unggal madzhab. Di antara sakabeh pamajikan manehna, nu kasohor iwal ti duaan nyaeta Nyimas Subadra jeung Nyimas Srikandi. Imahna sakomplek ngan beda RT wungkul.
Dina hiji waktu, Ki Arjuna meunang tugas ka luar kota. Jadi Tutor di UT. Kabeneran keur kabagean kilir di Nyimas Subadra. Atuh, eta pamajikan nu kahiji teh aya pamenta mun engke balik ti panyabaan. Teu pira ngan menta buah duren. Eta pesenan teh diinget-inget nepi ka dicatet dina lektop sagala. Kacaritakeun, dina waktuna balik bari rebo ku babawaan, diantarana duren tea. Raden Arjuna ku harianeun mengkol heula ka imah pamajikan nu kadua, Nyimas Srikandi. Atuh puguh we Nyimas Srikandi atoh, komo bari jeung ngajingjing duren mah. Atuh deker we eta duren teh dihanca ku duaan. lat we poho ka nu pesen. Beres dahar duren. Gebeg manehna reuwas. Inget ka nu pesen. Teu loba carita, gancang amitan ka Nyimas Srikandi. Datang ka imah, Nyimas Subadra nanyakeun pesenan manehna. Ngarasa boga dosa, manehna jol boga ide. "Yeuh, Nyai. Ambeuan we nya bau duren teh!" ceuk manehna bari ngacungkeun dampal leungeunna kana irung Nyimas Subadra. Teu loba carita, leos Nyimas Subadra ka kamar. Lep sare. Tengah peuting, Ki Arjuna ulungah-elengeh aya kahayang ka pamajikanana. Bari tunduh-tunduh oge, Nyimas subadra ngodokkeun leungeunna kana jeroeun samping, laju diulaskeun. Geus kitu diasongkeun ka salakina, "Cekap diambeuan wae nya, Kang!"
Raden Arjuna ngaheunggeu........ Beu.....!!!!

NGANTI-NGANTI DAWUH

Kénging Tiktik Rusyani
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 22:10:31

Teu tega ningalina, leumpang siga disentian bakat ku hese ngalengkah, leungeunna nu hiji nyepengan iteuk, nu hiji nyekel kana pigeulang kuring. umurna geus nincak 85 taun ceuk si abahna mah. Barudak mah nyebutna teh aki nini sakti da duanana ge geus lar sup ka rumah sakit nepi ka asup ICU tapi jaragjag deui sok sanajan nya kitu, pikawatireun. Hirup duaan, siga nu nunggelis padahal mah anakna loba aya dalapan atuh incu geus aya puluhna, buyut ge geus riab.Mindeng ngarahuh, loba anak ge cenah teu bisa dijadikeun pananggeuhan. Geus ti umurna 70an keneh dina lomarina diteundeunan boeh, kapas jeung kolonyo, siga nu geus teu sabar mapag dawuh ti nu Agung. Geus bosen cenah, pait peuheur jeung mamanis kahirupan geus kaasaan, teu hayang nanaon deui, iwal ti hayang nyirnakeun sagala bangbaluh kahirupan. Cape cenah, geus ampir teu kaduga migawe urusan rumah tangga. Dina hate kuring rekes ngadoa ka nu maha murbeng alam, neneda ulah dugi ka dilangkungan umur mun teu tiasa ngamangpaatkeunana. Beres nganteurkeun si Ambu nepi kana terasna, pikiran kumacacang, na rek migawe naon wae mun umur dibere panjang siga kitu ? bisa keneh nulis kitu? atawa unggal usik papanggih jeung dokter? Gustii.., geningan nu panjang umur teh kalah teu betah aya di dunya, padahal unggal ulang taun nu pangheulana di haleuangkeun teh "Panjang umurnya...."

PAMANDANGAN PANGALENGAN NGABABATANG

Kénging Abah Iseng
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 21:32:24

Layon dicacag diwalang-walang, pating solengkrah badis disiksik dikukunyit geus lain tutunggulan ngababatang. Ku heran Lodaya jeung Macan Kumbang nu samakta ku sihung jadi "lebay" saenggeus dibere tatal tangkal junti, ku beurit bodas jeung munding si dongkol.
Mengpelehe panon na meletet nyabeulah, teu garang sok komo nagweuh gaurna Raja Wana. Padahal titis tulis layon geus mere angin pikeun jajantung, ngindungan cai nyangkrung keur nafas sakumna mahluk nu kumelendang di alam dunya. Hate ceurik lir caah dengdeng, teu bisa ngoceak maratan jagat. Alam pramudita ngagolak dibubuy bulan disangrai panon poe. Seuneu mancawura kaluar tina jero taneuh nguwak-ngawik angin nu tiis ngadalingding nu tinggal bejana dina gambar pamandangan pangalengan nu jadi impeleungan.***

DI MANA...?

Kénging Iik Setiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 21:29:38

Gulak gilek mos digeser ka luhur ka handap
neangan tulisan dua poe ka tukang
di mana teu panggih tapak-tapakna
beu....
ganti warsih ... waos Kang Godi ku tambih bersih

SABOTOL CAI

Kénging Eva Nurlianah
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 21:04:57

Naha pantes kuring disebut sabotol cai?Wujud botol geus teu mangrupa.Kitu deui eusi botol;caina lumeur,bau,loba bilatung,estuning pikarujiteun.Bibit kasakit wungkul,loba kuman cai.Ah!da kuring mah haus, katambah meumeut deuih kana botol cai teh.Tetep we cai diinum ubar hanaang.Teuing jadi matak teuing henteu.Nu jelas mah antara kuring,botol jeung cai geus ngadarah daging.

TINGTRIM

Kénging Riez Faheema
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 20:50:21

Kang yana ngareret ka kenca
''asih teh panglipur kalbu
Asih teh ubar tina lara
Asih teh Cacaang mongklengna rasa''
Kang yana ngarenghap sakedapan, tuluy ngalieuk ka katuhu
''welas teh pangjajap tresna
Welas teh Purnama na manah
Welas teh kembang nu mangkak na sukma''
Kang yana ngarenghap deui. Ret ka kenca, ka nyi asih, pamajikan nu kahiji. Ret ka katuhu, ka nyi welas, pamajikan nu kadua.
Biwir jeung hate ngagelenyu, ngabayang-bayang pipamajikaneun nu katilu.

SIBUK CICING

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 20:14:41

Geus buleud tékad, dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun.
Kuring hayang ingkah ! hayang indit !

Rap Sila manekung, panon peureum bari tungkul. Ngaraja meneng.
Nyambat ka sakabéh lelembutan nu geus lila ngalencar, nu baréto
arindit tuluy ngajirim kana rupa-rupa beungeut, ngalalakon dina
rupa-rupa carita tuluy ngarancik dina wujud-wujud deungeun.
Bruh-bréh ..

"Geura baralik...", kuring nyambat hiji-hiji bari dumareuda.
Teu bisa kukumaha, ukur bisa nyupata kana diri lantaran isin
ku teu bisa miara. Nu kungsi teu miroséa ka maranéhna.
Duh !

Ayeuna, nu arindit hiji-hiji geus daratang, mulang.
ngajanggélék deui jaradi kuring. Minuhan haté, minuhan pikir.
Tekad kuring beuki buleud, hayang ngahiang ...

SALAH NGITUNG

Kénging Nunks Surya Anugrah
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 20:10:46

Ki Astawi anjog ka hiji warung,gek diuk langsung pesen kopi ka nyi uneh,sabot nyi Unih ngaladangan cai kopi pesenan,Ki Astawa ngahuapkun gehu haneut aya limana.Cai kopi pesenan geus aya di harepeun ki Astawi,suruput diinum saeutik-saeutik nepi ka beakna.Teu lila ngasongkeun duit ka nyi Uneh,"kopi sagelas jeung gehu dua",ceuk ki Astawi.Nyi Uneh ngangsulan duit nu tadi di sodorkeun Ki Astawi.Teu lila torojol budak nyi Uneh nyamperkeun ki Astawi."Ema si akimah salah ngitung,da tadi ditingal ku ujang,nu dihuapkeun gehuna aya limana",ceuk anakna nyi Uneh bari nunjuk kana piring wadah gehu.Ki Astawi tuluy ngodok saku calanana bari kukulutus.

DYAH PITALOKA

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 20:03:38

"Duhhh...Putri....Ratna Citraresmi...." hiji jajaka ujug-ujug ngarontok. Dua leungeun putri diranggeum digaléntoran. Nu dirontok merod.
"Ké..ké..ké..dupi akang saha téa sareng anu timana?"
"Ieu akang.....Rajasanagara" sang jajaka balaka.
"Euleueueuh...geuning kakang Maharaja ieu téh? Hapunten abdi teu terang, panginten harita waktos kakang dugi ka Pasanggrahan Bubat rupina abdi tos angkat ka sawarga. Kumaha ayeuna kakang? Daramang waé"
"Nyaéta...sabadana dikantun ku Putri jungjunan, akang gering nangtung ngalanglayung. Hirup teu neut, paéh teu hos. Tibelat kasalira. Akang seja ménta hampura jeung mun téa mah aya kénéh harepan, akang hayang...." omonganna kaburu dipegat.
"Duh...hapunten pisan kakang Prabu. Abdi tos jangji ka diri moal rék hianat ka para satria Sunda nu tos perlaya ngabéla harga diri jeung kahormatan. Hapunten pisan....abdi seja permios" Dyah Pitaloka ngaleos ninggalkeun Sri Rajasanagara nu teterejelan hayang leupas tina cekelan para patugas kamdal.

FIKMIN

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:56:16

Wilujeng Angkat Bapa! "
Ti kajauhan keneh katingali geus loba jalma, malah waktu meh nepi kadenge sora nu careurik. Jajantung ratug minuhan dada, berebet kuring lumpat satarikna, barang nepi kariungan, pun biang mapagkeun gabrug nangkeup bari ceurik sumegruk "Jang Bapa tos teu aya!"ngan sakitu kedal lisanna. Alam asa poek mongkleng tikoro asa rapet, rambut kuring karasa baseuh ku cimata pun biang anu terus nyegruk bari nangkeup. Kuring tanggah "Emaaa!" ngan kuat nyarita sakitu ngawakilan rasa kasedih nu pohara. Kuring dikaleng dibawa kanu ngagojod dirurub samping. Brek kuring sideku, bray samping nu ngahalangan pameunteuna dibuka. Breh katingali siga nu imut pasrah pinuh kaikhlasan najan kuring teu nyaksian mangsa nyawana lunta ngantunkeun raga salalawasna. "Yaa Ayyatuhannafsul muthmainnah irji'i ilaa rabbiki raadhiyatam mardhiyyah fadkhuli fii 'ibaadi wadkhulii jannatii" cek gerentes hate bari ngitung keclakna cimata. "Wilujeng angkat Bapaaaa!"

SUNDA PITUIN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:51:54

Ditilik tina ngaranna mah nyunda pisan . Jabatanna jurnalis senior tv swasta nasional . Ngan hanjakal waktu ngawartakeun ngeunaan banjir Cieunteung bet kieu " Banjir musiman akibat meluapnya sungai Citarum masih menggenangi Kampung Cinteng , Kecamatan Balendah !"

KATAPISAN RESI DORNA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:48:26

Jumarigjeug ngantunkeun nagri Panchala, Resi Dorna nu disarengan ku putrana Bambang Aswatama, batinna ceurik, peurij jeung nyeri dumeh sobatna batan ngaku kalah ngahina bari nyiksa nepi ka tanpa daksa. Lengkahna anjog ka lebah tegal nu kabawah ka nagri Astina. Breh katingal Kurawa sareng Pandawa nuju maen bal bari eak-eakan. Dak dumadakan balna ngabelesur laju ragrag kana sumur. Derengdeng cikal Pandawa muru sumur, dak dumadakan ali menengna bet kalah tikunclung. Kurawa, Bima, Arjuna, Nakula sareng Sadewa nu sami-sami nuturkeun Yudistira ngariung sumur, tingharuleng, bingung kedah kumaha nyandak bal sareng ali meneng.
Resi Dorna nu uninga kana kabingung Kurawa sareng Pandawa teu seueur saur, lajeng nyabut jukut bari mapatkeun jampe pamakena, jukut lajeng dikecengkeun kana bal nu aya dismur, pas pisan nanceb kana bal, lajeng nyabut deui jukut bari teras dibelesurkeun kana tungtung jukut nu nanceb kana bal, kitu jeung kitu, jadi nyarambung lir ngadadak janten tali, saparantos runtuyan jukut dugi ka biwir sumur, lajeng tali tina jukut ditarik. Ningali katapisan Resi Dorna, Kurawa sareng Pandawa kaget. Resi dorna enggal nyabut jamparing bari teras dipentangkeun kana ali meneng Yudistira nu ngaborelak lebet sumur. Nya ku katapisannana Resi Dorna masihkeun bal ka Kurawa sareng ali meneng ka Yudistira. Kurawa ear surak, Lima Pandawa brek tapak deku, Resi Dorna imut ningal hormatna Pandawa ka dirina. Aya rasa nyaah nu ngadadak nyaksrak ka lebah jiwana ningal pamolah Pandawa nu teu kinten ngajenannana.

MAEN BAL DI INDONESIA

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:32:00

Geus jadi kabisaan,guru olah raga,sok mere pertanyaan ka barudak patali jeung maen bal di Indonesia.
Guru: Naon bedana pamaen bal di urang jeung di luar nagri ?
Ibro : Upami pamaen di luar nagri mah palinter ngabus keun bal ka gawang lawan .Pami pamaen di Indonesia mah pinter ngabuskeun peureup ka wasit jeung ka
pamaen lawan.
Guru : Calakan maneh Bro

KOLÉBAT ALMANAK

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:17:21

Geus waktuna diganti geuningan. Ngajajanteng hareupeun almanak. Ngadon nyawang mangratus poé nu geus kaliwat. Ti bulan ka bulan dibukaan. Mapayan tanggal nu tingkoléab. Hideung jeung beureum. Aya nu ngajak seuri, nu surti, nu ngalieus, nu tutunjuk, nu ceurik. Najan réréana mah nu ngadon ngajarebian. Teu ieuh dianggap. Bati gugupay. “Pileuleuyan! Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan! Mangga, wilujeng angkat!”
Srog ka hiji tanggal, sumirat. Kalah meungpeun ku sérabna. Lalaunan nurunkeun leungeun, aya nu keur nyérangkeun. Duh, gelenyu nu matak nineung. Tapi ké, bet asa teu kungsi ngalaman poé nu ieu mah! Boa-boa kaléngkahan. Sugan poho deui, kitu? Lah, pamohalan. Piraku teuing mapalérkeun imut nu sakitu mautna. Ngahuleng. Nginget-nginget saha, iraha, di mana. Lebeng. Rét deui ka manéhna, burinyay! Kilat nyamber pangacian. Gebrét hujan ader-aderan. Awor dina jumerit rém jeung sora ban. “Cekiiiit... Brakk!” Jep baé simpé. Kari mangpirang tanggal nu terus saab. Marileupas ngudag ronghéap.

LEKASAN

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:10:06

Opan nulis. Panangan nyampay. "Tos weungi...!" Pulpén nyolédat. Lambé tiis nyayang na tarang. "Jagi kaséhatan. Ulah gadang waé!" Opan tuluy nulis. Hiji-hiji lampu imah pareum. Lekasan. "Cag!"

ATLIT

Kénging Ambuna Kaka
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:04:01

Kabisana kana méngbal kawilang onjoy ti batan lanceuk-lanceukna. Atuh nya dianteur. Saminggu téh dua kali latihan di Lapang Rajawali. Ngan, nya éta atuh. Akina teu pati panujueun. Kahayangna incuna téh jadi tentara. Kapan kieu pokna ogé, basa hiji mangsa Satria deuk indit latihan méngbal.
“Ku euweuh anu ngagugu kana panyarék Engki. Iraha deuk eureun nganganteur budak téh! Haben wéh latihan méngbal, mending sina miluan ékskul Paskibra di sakolana. Sina diajar baris-berbaris!”
“Kumaha atuh da Ki, budakna nu hoyongeun!”, ceuk bapana budak.
“Digugu teuing. Ngarah nanahaon jadi atlit sépak bola. Di nagara urang mah, tong boro atlitna, dalah ukur jadi suporter gé kapan paéh di setadion!”

BABALIK PIKIR

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 19:00:24

Hate lilir tina gering pikir
Rumasa umur geus Leuir

AYEUNA

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 18:14:22

Aki mah geus teu bisa barangdahar ayeuna teh. Goreng hayam teu ngeunah, goreng lauk teu ngeunah, komo batu bata mah. Ngan panon masih awas keneh ari ningali anu geulis mah. Lamun dina kaayaan kitu goreng tempe ge asa lauk cai

MOAL SULAYA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 18:02:46

Kring ..kring..
- Hallo, mah aya naon..?
+ Cecep ngantor keneh,ieu aya rerencangan Apa sareng neng Irene pijodoeun tea.
geulis jaba bageur katempona mah, nurub cupu geura, Mamah, Apa ,satuju pisan.
Aya nu ngageduk kana angen,kesang maseuhan émbun-émbunan, rasa nambahan nyaah ka manehna kalah leuwih rosa,panon karasa haneut,kasono hayang tepung ayeuna keneh ngagalura dina jero dada,ngan anjeun nu mawa katringtiman ayeuna jeung éngke jaga.
-Mah punten wartoskeun ka rerencangan Apa,abdi ngalembur dugi ka enjing.

LEBAY

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 18:01:35

bagja nu minuhan rasa
gumulung mapakan hibarna layung nu mayungan langit
ngahudang rasa nu teu bisa kagambar ku reka carita
duka iraha datangna,,, duka kumaha mimitina
ieu hate teu walakaya nyinglarkeunnana,,

hehehe,, lebbay.com
wilujeng sonten ah ka sadayana
wilujeng nanggeuy gado bari nongtot leho,,,

NGUNGSI

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 17:50:47

Mun aya tsunami ngungsi ka gunung .Mun gunung bitu ngungsi ka basisir. Mun walungan banjir ngungsi ka mitoha . Mun anak mitoha bendu ,ngungsi ka mana .

DIARY

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 17:45:08

"Winata... Nu teu weléh anteng dina lamunan." Bedah ogé cipanon Opan. Sabab Lastri nulis hiji ngaran nu lain dirina. Haté Opan geus soék mantén, méméh kaca ka 9 dibukaan.

TAKLUK KU KACAMATA

Kénging Mang Dodoy Power
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 16:16:49

dihiji kampung
aya jawara katêlah gagah jeung sombong mun aya jlma anyar psti ditangtang gêlut.dina hiji poe aya jalma ker ulin ka kmp eta dina keretan rupana kasep tur make kakamata,teu antaparah deui eta jawara teh nanya ka jalma anyar"saha maneh gs kumawani dtg ka kamp kula,mun kitu maneh kudu adu jajaten jng kula sok nyaneh bga ilmu naon cek jawara teh, teu eleh abar sijalma anyar teh nyarita"sok pake hla kcmata uing mun anjên kuat uing taluk kaanjên"bari mikên kcmatana

FIKMIN DINA BUJUR TREUK

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 15:50:56

saleresna mah nu ngarang fikmin teh lain urang wae, tapi supir treuk oge ngieun fikmin.Geura aos ieu :

RANDA - Tilas Tapi Raos
SONO - balik era, ari teu balik da sono
DURIAT - hoyong BOBO sareng GADIS

HAK

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 15:31:40

Rebun-rebun keneh tukang sol sapatu geus ngurilingan komplek bari nawarkeun jasana. Teu diengkekeun deui, langsung dipanggil sina ngareparasi sapatu kuring.
"Mang, cik lah panghakankeun sapatu," cek kuring basa si emang tukang sol geus aya hareupeun...
"Ah lebok we ku sia, jang.........," pokna teh.
?????

SESA MALEM TAUN ANYAR

Kénging Riyono Afdfvm
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 15:26:19

Pesta tarompet jeung kembang api geus rengse, hujan masih keneh ngaririncik. Jam 5 subuh kuring masih ngahuleng, sorangan. Awak kabulusan ngadegdeg, kulit beuteung asa rapet jeung tulang tonggong, rengkung. Kadenge keneh kumaha ramena pesta jeung jalma nu ngadua keur kamakmuran hirupna di taun nu anyar. Ari kuring ngan bati ceurik ngajerit sajeroning dada bari ngadua, mudah mudahan taun hareup mah euweuh pesta kembang api sabab biayana dipake ngamodalan usaha jalma kawas kuring, sabab loba keneh jalma kawas kuring dahar isuk hanteu sore.

LANGIT DUMILA

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 15:18:57

Haseup béar di langit dumila. Manéhna diuk luhur bangku jeung kalangkang suku kéncana. Ti poé ka poé nganti tapak nu dititipkeun léngkah 3 taun katukang. Waktu élf neunggar neunggar awakna.

ROKO JEUNG KOPI

Kénging Kuswari Miharja
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 15:18:29

Sigana mun geus nyandu kana roko jeung kopi nepi ka aya nu ngomong kieu :"Tibatan eureun mah
meunding keneh maot!" Beu aya ku kitu eta prinsipna. Kaharti kitu tea mah lantaran mun geus nginum kopi,

KOREAK

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 15:06:58

BLORA. Hujan ngaririncik, pasosore. Gelap, dor, dar. Kilat ting burinyay. Anjing babaung. Ditema sora koreak. Mbah Karjo geuwat nutupkeun jandela, ngoncian panto imahna. Koreak ngelak deui luhureun suhunan. Ditembalan ku Uncuing. Mbah Karjo gegerenyeman. Mapatkeun jampe, jeung jangjawokan. Ngusir kakeueung.
MALAYA. Wanci ngagayuh ka magrib, hujan ukur murupuy. Koreak ting koceak. Mbah Karjo ngagerenyem. Babacaan. Koreak ngelak deui. Mbah Karjo gegerenyeman deui. Koreak tambah riab. Rabeng ningker suhunan imah. Mabh Karjo ngoceak, "Kurang ajar!" "Aya naon Mbah?" incuna nyampeurkeun. "Koreak kasebelan, diparancahan tambah riab, matak dower bibir aing!" Mbah Karjo ngaleos ka dapur. Incuna ukur ngabarakatak.

GEUEUMAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 14:09:01

Hujan girimis teu eureun-eureun ti soré kénéh. Peuting can orot kénéh baé. Kuring maksakeun naék motor maké jas hujan. Hujan na mah hiji ngan éta baturna anu loba téh, beuki lila beuki kerep, awak karasa tiris. Reg, eureun hayang ngiuhan di imah butut nu aya kéncaeun jalan. Nyaan imah téh paroék sarta geueuman. Pangeusina moal teu onom jeung jurig jarian. Paralak, kana kenténg sada sora keusik diawurkeun. Puringkak, bulu punduk ngadadak ngandelan. Kéak...kéak...koréak eunteup sakeudeung tuluy ngajauhan. Cungung, anjing babaung. Haté mimiti sabil antara hayang ngiuhan jeung hayang beunghar...éh balik. Lebah panyawéran siga aya awéwé maké baju bodas, ngagebay panjang, nonggongan, buuk ngarumbay, katiup angin ririaban. Beuki wé curiga ka juju...jurig.
“Ngang nunyu nyiuhan nya? Nyuminya mah ngahunyannan panyinten? Hihi?” nu disangka nu lain-lain téh ngajak nyarita bari ngirung.
“Cilaka?” kuring geuntak malikeun awak maksud mah arék kabur. Orokaya teu kebat, karasa kana taktak aya nu muntang mani tiis. Ampir ngayek-yek jeung wérwéran kiih.
“Nyunyaon, Ngang.” Écés ngaharéwos kana ceuli, kaambeu seungit malati.
“Nyai?” panasaran malikeun awak. Lain deui bagjana, sabab wanoja anu muntang kana taktak téh geulis kawanti-wanti. Untung teu jadi kabur.
“Munyen ami nyirung nyéh nunyu mlu. Maknyad nyéh manyé nyinying nya lanyeuh.”
“Mangga,” haté bungah naker dipiluan kunu geulis mah. Cék pikir, mun daékeun mah dikawin, kawasna moal rugi najan dijadikeun nu ngora gé. Da ari flu mah saminggu gé cageur...anjrit.

DAG DIG DUG

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 14:03:33

"Teuing hate teh bet teu kapalingan. mun tepung jeung manehna teh sok dagdigdug tutunggulan. mun teu patepung sapoe sok asa lalanjung nya pipikiran. Bogoh tea meureun pingaraneunana. Padahal umur geus ampir satengah abad. Tapi da ari kacinta mah teu ngukur ka tangtungan teu ngukur ka umur". Kitu gerentesna hate Ringgo
Dina maleman taun baru kalayan teu ngahaja manehna tepung di Parapatan.
Deg. asa aya nu ngabadug kana hatena. "Neng, bade ka mana?" maksakeun nanya dibarung hate deag dig dug
"Eh pa Ringgo? Bade taun baruan....
"Oooooh"

GAWE BARENG

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 13:21:41

Aman budak pinter, singer ari lenger mah pasti. Minggu kamari balik nampa rapor bareng jeung Udin batur sakelasna."Heran ku ilaing, uing mah, cacak tara ngapalkeun tapi nomer hiji", Udin nyarita bari muka raporna."Ceuk saha,sarua bae atuh jeung maneh," tembal Aman.
"Keukeuh teu percaya. Pan ari balik sakola tuluy ngarit bari ngaladog. Sore-sore sasapu di buruan bari nyebor kebon kembang." Aman ukur mesem bari pokna, "Peuting uing mah diajarna bari sare." "Baruk, na bisa diajar bari sare ?" Udin tambah heran. "Bisa, ngapalkeunana dina ngimpi." Sajongjongan Udin calangap tapi tuluy nyacapkeun kapanasaran," ari PR sok wayah kumaha dipigawena, geuning najan loba sok teu weleh anggeus ?" Aman ngomong semu ngaharewos,"Tong geruh nya,rasiah, PR mah indung uing nu migawena saratna kebon kembangna kaurus." Beretek lumpat paudag-udag.

RINYUH

Kénging Abi Cepian Ibn Al-khairi
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 13:11:26

Bari senang ngahaleuang, maranéhna ngabubuhan ngorowék tihang. "lapar.." gateuw méré isarah. Prajurit nyiet ngasonkeun idangan. "geus béak gawéaneun?" tanyana. "sakedik deui ratu" prajurit nimbalan. Istana kembang karang ampir tutas. Gateuw neukteuk méré anggeus "rapihkeun!". Prajurit rempug, pahibut. Bareng tutas nyieun istana, kabéh surak, sujud sukur. "euleuh ieu hama, ngaruksak imah aing siah". Jebréd. Sakedét, rangsak.

KAMANA SORA

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 13:00:09

Sakur pamilih anu geus ngunggahkeun pingpinan anyar sorana euweuh. Ngawangkong jadi pepeta kawas nu pireu. Para dokter bingung campur tagiwur, pikiranna bangun kacangreud teu sanggup maparah puseur masalah. Para pamilih ngaleut ka wakil rahayat nanyakeun sora anu geus disalurkeun. Dikotektak dina kotak sora geus ngajirim para wakil rahayat anu sarua euweuh soraan najan ceuk dirina hohoak, sesentak bari tetenjrag ngabela anu milihna. Antukna, pamilih ngabring ka pingpinan anu dipilihna. Kasampak inyana anekak dina tumpukan sora bari calawak teu bisa nyarita.

Cimahi, 30122011, (Jumaah tabuh 21:53)

BALIHO DI PENGKOLAN JALAN

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 12:29:57

Panonna culang-cileung, cingeus, seukeut, lir heulang ruyuk. Sagala di teutep!, sagala di pencrong. Jalma-jalma nyarisi, nyingray, taya nu wani pasarandog. Palebah Baliho badag, dipengkolan jalan. Cakakak ! manehna seuri bari tutunjuk !, tihang baliho Calon Papayung nagri, di eundeuk-eundeuk. Bru Runtuh, laju di idek nepi karangsak, bari sungut terus ngocomang kamana karep. " Di langit, aya balong, balongna pinuh ku lauk, laukna lauk aing, aingna di bobodo maneh !". Cape cacalawakan, brek manehna diuk, serengeh seuri sorangan, teu kungsi lila reup sare. Lelembutana ngapung ngawang-ngawang, mepende nasib sorangan, nu hideng meles, taya euih-euihna !.

BAHASA ELITE

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 12:29:50

Biantara gegeden di pakampungan:
“Jadi para saderek sadayana urang kudu cageur,urang kudu mimiti shering jeung institusi,supaya condusif,ngarealisasi, tepi ka signifikan abeh coperhensip”.
Nini ngaharewos :Aki, eta jelema ngomong naon,nini mah teu ngarti..?
Aki rada tarik : Hus, nini mah belegug,jelema eta teh keur gering,nu bieu disebutan
rupa-rupa panyakitna,kadieu keur neangan ubar kampung.

SARUANA

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 12:28:10

Geus tilu bulan Aki Juhdi gering parna. Sakabeh Rumah Sakit jeung Pengobatan alternatif geus kapapay. Dokter, Paranormal, Ahli Hikmah, oge Dukun geus teu saranggupeun ngubaran. Kaayaanana matak pikarunyaeun pisan. Ambekanana Salasa - Juma'ah teh lain bohong. Kabeh pasrah sumerah nyanggakeun sadaya-daya ka Nu Maha Kawasa. Nya dina hiji peuting mah Si Aki nyalukan Nini Uti, pamajikanana nu satia. "Nyai nu geulis rancunit, bojo akang nu satia. Yap kadieu! Aya rasiah nu rek dibejakeun. Bisi isuk pageto akang mulang ka kalanggengan", ceuk Aki Juhdi bari haroshos. Nini Uti gancang nyampeurkeun. Laju nyampeurkeun. Gek diuk tunjangeun Si Aki bari mencetan sukuna. "Aya naon atuh, Jungjunan?" tanya Si Nini meni mesra. Meni kayungyun pisan eta dua manula teh.
"Kieu. Akang rek menta hampura. Nyai ge meureun apal naon pakasaban akang baheula. Pan kana ngiridit. Unggal poe ngurilingan lembur. Tah, harita akang teh, mun ka tiap lembur teh akang boga deui pamajikan. Kitu! Hampura akang......", Si Aki nutup caritaan bari ceurik.
"Ih, pasti ku abdi dihampura, Kang. Kitu deui abdi menta hampura. Baheula, unggal akang indit, sok aya lalaki ka dieu. Nya ku abdi teh dilayanan. Bongan keueung. Jumlahna abdi ngalayanan lalaki teh..... tuh tingali dina keler loba kacang hejo....", ceuk Si Nini bari nunjuk keler nu pinuh ku kacang hejo.
"Geuning SIA teh.......!!!!!!" ceuk Si Aki bari ngorejat. Awakna ngadak-ngadak jag-jag..............

KAPIHEULAAN,(KUNU GERING)

Kénging Tatang Supriadi Art
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 11:26:51

''Duh,,,Gusti! abdi sumerah diri, pasrah nyawa pasang badan, rék di bumi, rék di jalan, taya batan milih-milih pakuburan. Gusti nu Maha Ningali, dosa abdi. Leuwih loba tibatan budah lautan, leuwih nyebar leuwih mekar batan gunung pananjung. Mugia Gusti kersa nampi abdi tobat saméméh ambekan pegat, saméméh datang sakarat.'' ceuk aki Tarjo, nu gering tos satengah umurna, ngadekul ngadu'a di kamar nu teu jauh ti lingkungan pasantren. ''Wa haji! abdi badé ngalongok aki Tarjo heula sakedap, sakantenan nganterkeun landong. '' ceuk jang Asép, budak santri nu kasohor soméahna di éta pasantrén. Angin ngahiliwir, cipanon nu nyangkaruk maseuhan simpé, palasantri, asa teu percaya jang Asép, nu waragatna jagjag, nu anyar kénéh tos ngalongak aki Tarjo nu geus mangtaun-taun gering parna ayeuna kalah miheulaan dipundut ku'Nu Kawasa.
''Saenyana maranéh asal ti Kami, sarta pasti baralik ka Kami, patimah rusiah manten'NA'' ceuk wa ajengan ka palasantri.

DEUDEUH TEUING

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 11:12:04

Estu samagaha kahirupanna teh. Teu kitu kumaha, indung gering parna nepi ka dirawat di Rumah Sakit teh lain ngalongok, ieu mah kalah anakna nu datang bari jeung nyarita: "Enin, saur papah teh papah mah moal ngalayad wios dugi ka henteuna ge upami Enin masih di Mang Soleh mah."
"Jadi Enin kudu di saha?" Nu gering nanya ka incuna.
"Saur papah teh upama Enin di Bi Esur bade ngahaja dongkap sareng mamah," ceuk incuna.
"Pan ayeuna mah Enin teh keur di dieu, di RS, naha papah moal kadieu kitu?"
"Moal saurna teh. Ke bae upami Enin mulihna ka Bi Esur, henteu ka Mang Soleh."
Di balik panto Soleh gogodeg bari rambisak. Deudeuh teuing Kang Gani, gerentes hate Soleh. Gara-gara dicarek ngajual sawah indung, Soleh dimusuhan ku lanceuk pituin.
"Atuh Neng, upami papah teu rido Emang ngaladosan Enin mah tos candak bae ka papah ke uih ti RS mah, da di ka Bi Esur-keun mah hawatos, moal aya nu ngaladosan Enin, pan terang Eneng ge Bi Esur teh di bumina nyalira, jabi tiktikbrek." Soleh norojol bari nyarita halon.
"Pan terang Mang Soleh ge papah teh sibuk, moal aya waktos ngurusanan Enin!" Ceuk alona semu teugeug.
"Nya keun bae papah mah bade ngalongok Enin atanapi henteu, Enin mah bade mulih ka Mang Soleh upami tos damang mah......" Nu gering nyaritana halon bari rambisak. Berebey cisocana maseuhan damis nu tos peot karenyos.
(Di langit, malaikat nuliskeun jalan kasangsaraan anakna ku cimata nu merebey tina juru panon indungna....)

BUDAK LEUTIK DAGANG COET

Kénging Kuswari Miharja
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 10:58:54

LAMUN sakalieun ngaliwat di prapatan Jl.Riau nu dekeut ka Jl. Merdeka Bandung , sok katinggali barudak leutik keur daragang coet nanawarkeun ka unggal mobil nu eureun pas lampu beureum. Hate mah ngajeurit ....deudeuh teuing batur mah sakola ieu ngadon dagang....
"Naha make dagang coet?" cekeng teh ka budak nu aya didinya.
"Di titah ku ema da keur nyumponan kabutuh sapopoe...."
Teu dituluykeun nanya oge da teu kuat cipanon ngalimba, umur 7 taunan kudu dagang coet.....duh Gusti!.....

FIKSI

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 10:33:35

Ucing lumpat sakalumpat lampét, sidikna mah nepi ka notog notogkeun manéh. Di udag beurit anu ambek ngahégak mamawa batu sagedé munding. "ampun.. ampun.." ucing nyuuh. Beurit ngéhkéh seuri, sajorélat tina panona kaciri hawa seuneu ngabubulak.... *1.

SERGUR

Kénging Echa AnggieAni
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 10:30:36

Klik. Klik. Klik. Lung! "Mouse" teu boga dosa tuluy dibalangkeun. Gagaro teu ateul. Naha nya? Naon nya? Gagaro deui. Panasaran. Klik. Angger! Teu asup daptar sergur deui wae. Taun-taun katukang nu asup daptar sergur nyaeta guru anu profesional, ditingali tina kualifikasi jeung masa kerja. Taun ieu ditingali tina umur. SK ngajar jeung ijazah S2na diampihan. KTP dipencrong. Lain salah manehna bet lahir taun 70an. Ah, taun hareup sugan. Eta ge mun teu ganti kebijakan! Emh...

(halah, sesah milari diksi nu tepat! Mangga nyanggakeun mikmin plus hanjeluna...)

KATAJI KU URANG KOREA

Kénging Kuswari Miharja
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 10:27:02

BASA KEUR kuliah aya urang Korea Selatan ngaranna Fatimah (duka dimana ayeuna linggihna) sok ngahaja hayang ngobrol jeung ieu wanoja teh, lian ti geulis saperti Neng Ati oge darehdeh lamun diajak obrol. Ngan basa ngobrol kumaha salila kuliah, pok anjeunna nyarita :
"Mahasiswa di dieu mah asa jauh pisan jeung mahasiswa korea!,"
"Naha kumaha kitu?" cekeng teh panasaran.
"Mahasiswa di dieu mah sing rariung ngobrol ngaler-ngidul kaditu kadieu...sawarehna katinggali ngan ukur arulin teu puguh..."
"Naha ari di korea kumaha?"
"Wah! di kampus korea moal aya mahasiswa nu ruang-riung ngobrol teu puguh, komo arulin laleumpang meakkeun waktu....mahasiswa di kampus korea mah saribuk diajar atawa aya di perpustakaan atawa ngulik elmu anu can kapanggih....naha Indonesia meni santey kieu?"
Kuring teu ngajawab.....da puguh harita loba mahasiswa ruang-riung keur saleuseurian.
Fatimah tuluy ngomong kieu (ieu ku bahasa Indonesia) :"Prinsip orang korea itu begini : Ketika orang lain sedang tidur, maka kita harus bangun. Ketika orang lain sudah bangun, kita harus berjalan. Ketika orang lain sedang berjalan kita harus berlari. Dan ketika orang lain sedang berlari kita harus terbang....."
Kuring batu ngahuleung.....ari urang sunda kumaha prinsipya yeuh!

LOBA

Kénging Caca Danuwijaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 10:11:58

loba nyesa
saeutik beak
loba
nyesa
teu dibagikeun
jeung dibagikeun
saha
kamana
sabaraha?

UJUNG GENTENG

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 09:56:18

Ombak ngigel silih udag dipirig ku haleuang angin nu ngahiliwir. Satungtung amparan laut, mega kelir bodas jeung bulao ngagurat lukisan kaendahan Mantenna. Gradasi kelir cai laut sisi basisir endah taya duana. Basisir Ujung Genteng.....Surgana dunya...

TAUN ANYAR

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 09:10:01

torompet pabalatak
hate ge pabalatak

ISARAT

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 07:39:21

Kasimpe ngarandeg lebah endahna warna-warni

NAHEUR CAI

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 07:33:50

Dina khutbah ba'da nikah, "sing tarapti lamun naheur cai : hurungkeun komporna, dagoan seuneu sina naék semu héjo karak tagogkeun cérétna"
Peutingna, pangantén teu maké ba..bi..bu..,i ucul-ucul ngalaan baju, bulucun, -lah..geus teu usum kompor minyak lantung, panan kompor gas ayeuna mah-, pamikirna.

MULANG TI JAKARTA

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 07:06:27

Mulang ti Jakarta, kasampak di imah, pamajikan keur sosonoan jeung lalaki séjén. Teu loba omong, gancang wé muir muru imah mitoha. Nepi ka imah mitoha, kasampak deuih keur loba jelema, siga nu keur syukuran atawa tahlilan. Rék nyanyaohanan asup, éra. Loba nu marelongkeun. Antukna kuring muir deui, balik ka imah kolot. Di imah kolot, sanggeus Ambu jeung Abah nyarita bari nyurucudkeun cisoca, kuring karék surti. Pamajikan téh gening lain salingkuh jeung lalaki séjén, tapi keur bulan madu jeung salakina nu anyar. Enya, di imah mitoha loba jelema téh singhoréng lain tahlilan, tapi keur syukuran. Sedih? Lain sedih deui, asa tijajalungkir puguh rarasaan téh. Teu piragé ditinggalkeun sataun meni teu salabaran kitu. Tapi keun baélah. Heuleut saminggu ti harita, kuring amitan ka Ambu jeung ka Abah. Miang deui ka Jakarta. Méméh indit, kuring ngaharéwos ka Ambu: “Tenang Mih, engké ogé si Néng pasti hanjakaleun. Teu apaleun meureun, isuk pagéto, kuring rék syuting di OVJ”

TAPAK LACAK

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 07:03:38

Dua jiwa teu walakaya alatan kapangpengkeun ka lebah kasimpe, tapak lacakna ngadadak ilang karuruban ku amacakna kalakay nu maluguran tina rasa, ngeleterkeun endahna katresna nu geus kalakonan bari kacaangan kingkilaban nu ninggalkeun isarat rasa ka lebah pias koleasna bulan nu ngangkleung ka lebah mangsa katiga

TIMBURU

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 03:42:02

mun nu maok sendal disiksa, diuhukum lima taun panjara
nu korupsi sila sidendang.
na kudu ka saha uing timburu?

KU BEURIT

Kénging Mus Muslih
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 03:24:23

Ki Juha katangar jejebris bangun meunang kahandeueul. Lodong disoren, iket barangbang semplak, bedog cepot ngagawing na cangkeng.
" Aya naon Ki, bet siga nu meunang katugenah?" cekkeng teh.
" Enya Aki teh meunang katugenah, neang lodong....tapi lapur!"
" Lapur kumaha ari Aki?" kuring teu ngarti, da sidik lodong disoren keneh.
" Lapur sujang lodong ragrag, talina pegat!"
" Pegat ku naon ari Aki?"
" Enya Pegat, da talina ku beurit!"
" Oh.....atuh engke mah Ki, cobaan talina ku oray, ambih panjang,....moal pegat geura !"
Ki Juha ngahuleng.

TELUH

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 03:03:26

“Embah, énggal ulah dilamikeun deui sina palastra!” pénta nyi mojang.
“Leres moal kaduhung upami anjeuna dugi ka perlaya?” leungeuna ngulinkeun bedog pasrén luhur parukuyan anu ngelun.
“Moal! Bongana geus nganyenyeri sarta midua haté!”
“Heug ari kitu mah!” hiuk, hiuk, bedog anu meunang ngajampéan téh dikadékeun kana kalapa duwegan.
Draaakkkk, kalapa beulah, nyebrotkeun getih beureum. Bedog anu gugurilapan téh kiwari lamokot ku getih seger. Ki Dukun nyarita, “Nyai, upami ieu teluh teu neurak tangtos anu mungsrat téh cai. Upami getih hartosna hasil.” manéhna seuri kayas.
“Saha anu modar?” jedak, panto aya anu najong. Jajaka anu diteluh ngajingjing bedog jeung botol.
“Naha?”
“Lain naha? Sia anu kudu beulah mah ditarok ku bedog aing!” teu antaparah deui bedog anu dijingjing ngahanca sirah Ki Dukun.
“Engkang?” nyi mojang olohok, neuleu teluh ingkig anu geus ngabusrat-basretkeun sirah Ki Dukun.
“Tah, bisi teu apal dina botol ieu jurigna! Ayeuna sirah anjeun nu kudu beulah! Pilih diantara dua; meuning beulah sirah, mening belah durén?” manéhna neuteup seukeut, bawaning ku seukeut ampir-ampiran beungeut nyi mojang raheut.

HAREPAN

Kénging Iwank Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 01:23:04

Leuleumpangan mapay-mapay trotoar. Minggu isuk-isuk, poe kahiji di bulan hiji di taun anyar. Dalinding seungit malati. Aya karempan neundeun harepan. Harepan anu nyieun sumanget kana diri pikeun milampah kahirupan kahareupna. Aya kurempan neundeun harepan, najan diri pinuh kakurangan. Bagja, cilaka, mung Pangeran nu uninga. Teu karasa, geuning geus jauh leuleumpangan teh. Lain ngan saukur trotoar nu jadi tincakeun. Kudu bisa milah-milih, kudu bisa maca pituduh-pituduh, sangkan puguh anu dituju. Salamet, nepi, tur kahontal naon-naon anu dipikaharep kalayan meunang ridho Anjeunna. (Minggu peuting, dibaturan tembang "Dulang Kuring" anu dihaleuangkeun ku almarhum Kang Darso)

LEBAH LAWANG

Kénging Nana Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Januari 2012 00:19:11

NGAGIDIG teu luak-lieuk Léngkah babalapan jeung tuk-tekna deadline. Bus ka pakarangan. “Wa‘alaikumus salaam. Mangga ka lebet!” Mabra cahaya purnama tina saban gurat rarayna. Rikat kaméra dikokang. Cetrék, tombol recorder didedetkeun. Sapok-pokeun mitembeyan. Kandeg ku galindeng nu anteb leleb, “Cik, kinten-kinten saha nu pangpayunna lebet sawarga di antara urang?” Tarang karijut. Pikir sisingkab. Sugan aya catetan nu kasumputkeun. Lebeng. “Nu ditaros henteu langkung terang manan nu naros.” Antukna kuring boboléh. Bréh, aya peueut amis naker na imutna. “Salira nu pangpayunna lebet sawarga téh.” Ngaranjug. Haté beuki talag-tolog. Basa réngsé wawacara. Lebah lawang ngaharéwos, ”Kadé, salira gé tiasa janten pangpanyunna lebet naraka!”