Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Désémber 2011 (82 Naskah)


NGAWUR

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:56:25

Sabawana-sabawana. Tolombong, boboko, pipiti. Ti sisi wanci diawurkeun. Ngaburicak. Ngabaranyay. Ngabeledug. Mancawura. Hanjakal taya nu robah. Angger baregang. Rarengkung pikawatireun. Horéng parab taya nu nyangsang. Kabéh palid kahilir.

JAMU SARI RAPET

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:54:27

"Nini, isukmah aki rek ganti huntu supaya ganti taun teh aki asa leuwih tegep, nya ?" Si Aki nanya ka Si Nini bari ngrindat rada aksi tiditunamah." Apan duitnage aya saeutik Ki moal mahi, tadinamah nini rek meuli jamu sari rapet, rek nginuman jamu eta we, da etage pan keur aki keneh, tapi terserah aki, haja oge teu tulus meuli jamu ah ngarah tibra sare !" cek Si Nini bari ngadilak rada genit. " Nini... enya bener mending beulikeun we kabeh ka jamu eta, kajeun akimah ompong saumur-umurge, muaaach! "cek Si Aki bari ngajol kana ranjang.

PAS JAM 12.00

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:40:19

Uwung-awang langit tingbaranyay, tingburicak warna-warni bencarna kembang api, pepedut suka duka bihari nyingray kalindih ku warna-warni harepan nu can karuhan, sasebit-sasebit kulit langit marekplekan kakoet cucuk rungga kembang-kembang pangbibita nu taya anggeusna. Ganti taun ngan ukur robah angka, kaayaan mah tetep we teu robah tina citra

ANYAR

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:35:53

Taun anyar, meunang teu boga pamajikan anyar. Pamajikan nyabok beungeut.

TAROMPET TAUN ANYAR

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:33:16

Atoh meuli tarompet jeung ngamimitian di taun anu anyar, atoh pisan bari naek tutumpakan bari jeung di hias. Di juru tiang listrik budak pamajikan tukang tarompet disimut ku sarung ngadagoan dagangan beak. Nu hiji atoh, nu hiji nungguan dapurna isukan ngebul. Asa teu heman atoh di taun anyar bari di gigireun imah tatangga teu bisa niup tarompet kusabab teu boga tanaga acan dahar ti kamari.

SAPI JEUNG HAYAM FIKMIN

Kénging Abah Iseng
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:27:58

Sapi jeung Hayam geus sapuk di awal taun 2012 nyuratan ka manusa
Wireh aya uneuk-uneuk kacinta dina hate hayam jeung sapi ka manusa.
Wincikan eusi surat Sapi:
"Kahatur kapangkonan sakadang manusa nu dimulyakeun Pangeresa Gusti,
meni teu gaduh rasa kapalay ka sim abdi (Sapi).
Sadidinten susu abdi diperes sareng cai susu na di leuet, tapi acan kantos ebog sareng. Mung sakitu mugia janten maphum".
Wincikan eusi surat Hayam:
"Salam haneut pisan ka payuneun sakadang manusa, nu teu gaduh rasa rumasa,
saban abdi ngedog, endog abdi dicandakan. Bulu abdi didudutan satos dipeuncit tapi anjeun skadang manusa teu katarik ku galisan diri abdi hayam. hatur nuhun".
Salajeung na Sapi jeung Hayam miharep seratna teu salah alamat ciga skadang artis nu namina "Ayu Ting-tong".***

RESOLUSI TAUN ANYAR

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:27:03

Loba anu nanya resolusi di taun nu anyar. Tangtu resolusina jaranten hade jeung sagala rupa anu alus, tapi bet asa ku heran di tegal urut karumpul jalma loba pisan balatak runtah urut kaatohan taraun anyaran. Ceunah resolusi nu hadedi taun anu anyar, miceun runtah geu teu belul.

BALAP MOTOR

Kénging Mus Muslih
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:15:48

Motor ku maranehna dilumpatkeun sataker kebek da hayang kaeuleuhkeun ku batur nu rempeg sisi jalan bari nyurakan.Merecon ting beledag meupeuskeun kasimpé jeung marojéngjana haté.Kembang api ting burisat di alak paul. Maranéhna caliweura, leungeunna diaracung-acungkeun. Maranehna teu eungeuh balabar kawat geus nampeu na hareupeun motorna.Jedak motor duanana nabrak balabar kawat,...gubra motor sisi jalan, maranehna nyangkéré, bari sirah duanana sapat kapeuncit ku tali kawat. Maranéhna hudang,...jaligjeug-jaligjeug siga nu marabok laut. Sirah nu nu ngagoler dicarokot ku maranehna, dibebenah kana beuheung....Sirah maranehna narapel deui, ngan orokaya sirah maranehna pahili nepi ka kiwari.

SUUDZON

Kénging Ison Subekti
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 23:07:00

Cenah tiap du'a teh baris diijabah, tapi naha geuning Gusti teh bet pilih kasih. Rarasaan mah kuring teh teu bedegong-bedegong teuing. Tahajud jeung puasa senen kemis satekah polah dilakonan.

Lain asih nu kapimilik, lain kanyaah anu katampa malah kanyeri anu ngancik dina diri. Si Geulis nu teu weleh kaimpi beurang jeung peuting, bebene hate implengan ati bet milih ki sobat batur ulin ti leuleutik.

Tilu puluh taun mangsa kaliwat dina acara Tepang Sono kabuka hate kana kanyaah Gusti "Alhamdulillah Gusti du'a abdi kapungkur teu ditedunan. Geuning Gusti teh nyaah ka abdi pun bojo anu nyangkeh na leungeun abdi sanes nini-nini jompo.

TAUN BARU

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 22:59:33

Wanci sareupna, torojol nu leungit jempol jeung jariji. Nyerelek ka wanci tumoke, beuki kerep nu daratang. Aya nu gudawang pipina eusi beling kaca mobil. Mangkin nyedek ka tengah peuting aya nu kokotetengan neang sirahna. Nu ngeluk, ngabangingik ceurik, nepi anu jojorowokan aral teu kuat nahan kanyeri. Sora tarompet jeung petasan jadi sora pikasieuneun di rohangan UGD... *2.

SIMPE

Kénging Kez Sukezz
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 22:36:06

Sakur buburicakan nyeungeutan beungeut. Awor. Bengras barakbak wireh katumbiri nu warna-warni silih ngudag harepan. Imut anjeun laligar ngahudang rasa. Kariaan mapag taun anyar di tengah kota. Wangunan kota kembang teu weleh mapaesan lalangit.

Kuring nu leungit ceuli kaseungeut mercon awuntah. Simpe ! ..

IBER

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 22:21:23

Basa daun-daun ngalakay, kuring keur nungguan manehna, hanjakal aya iber ti lebah keclak cihujan, cenah manehna moal mulang deui

HALIWAWAR

Kénging Mus Muslih
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 22:04:40

Kalacat manehna kana suhunan imah, galieung-galieung bangun rek labuh.
" Para wargi sadaya......para wargi sadaya......" manehna ngagororwok mapakan lawong masigit.
Tatangga daratang, ngaliud seja ngareungeukeun nu rek bewara. Lain Tua Kampung manehna teh, ngan lamun geus mere haliwawar tina suhunan imahna, teu saeutik nu di haliwawarkeun teh sok enya ayana.
" Para wargi sadaya....dinten kamari kuring manggih wangsit.....wangsitna kieu
- Lamun aya ucing aor-aoran tengah peuting cingcirining eta ucing teh slebor teu bisa sare.......
- Lamun aya manuk piit euntreup dina hulu, gancang tewak tuluy papatahan yen nincak hulu teh kacida dusunna!"
Manehna turun tina suhunan.Tatanggana angger ngaliud ngama'naan haliwawar nu siga heureuy.

L A R

Kénging Rukman Ranudinata
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 21:56:32

Di-dago2 dina bangbarung...ari lar bet angin ngahiliwir. Ari di arep2 ku pelong panon...ari lar papatong. Manehna ngarep2 nyi Mince nu datang, ari torojol nyi Cucu deui. Duh asa mieling laguna kang Darso. Tuluykeun we ah kana lagu anu kieu:Kaso pondok kaso panjang, sono mondok sono nganjang...ari lar palang panto nu dicekel ku nyi Cucu:"Hey akang! Nanaonan huleng jentul bae, tuh motor geura tumpakan kadituh!" Mamad tukang ojeg, ngaguruguk digebah ku nyi Cucu pamajikannana.

2012

Kénging Kinkin Abdul Hakim
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 21:43:35

Nangtung hareupeun eunteung, papelong-pelong jirim jeung jirim, aya rasa nunyaliara teu percaya...naha ieu beungeut geus ganti rupa...

PESTA GANTI TAUN

Kénging Teti Mardiana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 21:21:13

Barasat, Burinyay, seorrrrr, kembang api pating burinyay.. torotot tarompet patembalan, nu surak aweuk - aweuhan. galumbira mapag taun anyar.
"Ma .. mani sae nya kembang api teh"
"nya tangtos we geulis"
"padahal mun di pasihkeun ka urang artosna, meureun Ade moal lapar ayeuna teh nya Ma"

NGUDAG DUNYA

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 21:09:13

Acara na RCTI, si Master Limbad keur nembongkeun kabisa jadi manusa beton.

WARSA LARSUP

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 20:49:45

Larsup warsa liwat ka hareup, saperti kaluar torowongan asup torowongan. Tanpa tungtung. Tapak-tapak katincak. Taya rupa. Poek caang kasampak.

Cimahi, 31122011, (Saptu tabuh 20:48)

SORA TAROMPET TAUN BARU

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 20:46:36

Panon si Bungsu, katingali masih keneh carindul. Ti sore keneh, teu bisa di upahan, hantem ceurik, hayang ngilu pesta taun baru cenah, siga babaturanna ka alun-alun Bandung. Kolot saha atuh nu teu hayang nyenangkeun budak, komo mun saukur sataun sakali mah ?, tapi da ari dompet nu koredas mah teu bisa disumput-sumput. Bororaah keur ulin, dalah keur meuli beas ge ngan ukur cukup keur nepi ka poe isuk. Hantem dilelemu, jeung di olo, alhamdulillah ningan si Bungsu teh nurut. " Urang didieu we Bungsu, urang mah taun baruna ! ", ceuk uing bari nurunkeun si Bungsu tina pangdiukan sepedah. Laju si Bungsu di tuyun, dibawa nagog, cingogo hareupeun Pos Ronda di tungtung lembur. " Teu rame !, Bapa didieu mah !. teu aya nu nyengeut kembang api ! " ceuk si bungsu bari rambisak . " Apan itu ge ! kembang Api ! Bungsu !, kembang api!, nu terus hurung unggal peuting, teu pareum-pareum ! " ceuk kuring, bari ngabentikkeun curuk, ka lebah bintang nu tingkariceup di langit. " Teu rame Ah ! , kembang apina teu di sada . eta mah ! " ceuk si Bungsu, bari ceurik tarik pisan. Budak ku uing di rangkul bari di galentoran, di bawa balik ka Imah. Sapanjang jalan, budak terus ceurik kanyenyerian, sorana siga tarompet..... !, tarompet taun baru, nu sorana ngan bisa kaharti ku jalama model kuring, anu malarat !.

GEURI MAPAG TAUN 2012

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 20:05:04

Peuting ayeuna bulan ngangkleung na mega-mega angkeub, nyarengan geuri nu ngalangkang dina kasepa balarea, jalaran rewuan soca ngan wasa neuteup jalan ka mumunggang raharja, rungseb ku cucuk rungga nu ngahaja diawur-awur ku nu ngageugeuh Bale Sawala Nusantara

TUNGTUNG

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 20:00:55

Cenah tungtung teh titik pangangeusan,tempat nu euweuh tuluyna. Siga tungtung buntut kuda jeung buntut bangkong. Teu kitu mungguhing tungtung taun,persis sarua jeung tungtung deuleu. Aya tapi teu nyata, da unggal dijugjug geuning awal deui awal deui.

KULAWU

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:58:53

Dina lolongkrang rasa, aya galura nu ajol ajolan hayang nyangkaruk kana mamaras, ngancikeun tresna nu bisa ngayaskeun hatena. Ngan hanjakal kahayangna can laksana, rasa jeung hate geus sailon, pulas kulawu angger mapaesan langit hatena.

MASJID AGUNG ALUN-ALUN

Kénging Usep Warlian
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:50:37

Di kaler teh Ambucuy nyangsangkeun kurudung kana sirahna bari ngagero ka lanjangna "Bi kade budak tong sina ulin ka jalan, ke mun Bapana datang abdi ka masjid Agung kituh." "Pangaosan Neng?" si bibi nanya."Hmm," jawab teh Ambucuy bari ngaleos. Di kidul, kang Caleuy, ngahirupan motor, pok ka pamajikanna nu keur nyusuan orok di teras,"Akang ka masjid Agung heula." "Hanca Ajengan nu kamari Kang?" tanya pamajikanana. "Hmm," jawabna. Di teras wetan masjid Agung teh Ambucuy diuk, teu kungsi lila kang Caleuy norojol, luak-lieuk, gek diuk gigireun si teteh. "Tos lami?" tanyana bari meureudeuy. "Nembe." jawab si teteh bari ngagelenyu. "Di nu kamari!" ceuk kang Caleuy. Teteh unggeuk. Jung duanana narangtung ngaleos ka beulah kulon. "wa laa taqrobu zinaa..." kakuping soanten Ajengan tina spiker masjid Agung.

MASJID AGUNG ALUN-ALUN

Kénging Usep Warlian
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:48:11

Di kaler teh Ambucuy nyangsangkeun kurudung kana sirahna bari ngagero ka lanjangna "Bi kade budak tong sina ulin ka jalan, ke mun Bapana datang abdi ka masjid Agung kituh." "Pangaosan Neng?" si bibi nanya."Hmm," jawab teh Ambucuy bari ngaleos. Di kidul, kang Caleuy, ngahirupan motor, pok ka pamajikanna nu keur nyusuan orok di teras,"Akang ka masjid Agung heula." "Hanca Ajengan nu kamari Kang?" tanya pamajikanana. "Hmm," jawabna. Di teras wetan masjid Agung teh Ambucuy diuk, teu kungsi lila kang Caleuy norojol, luak-lieuk, gek diuk gigireun si teteh. "Tos lami?" tanyana bari meureudeuy. "Nembe." jawab si teteh bari ngagelenyu. "Di nu kamari!" ceuk kang Caleuy. Teteh unggeuk. Jung duanana narangtung ngaleos ka beulah kulon. "wa laa taqrobu zinaa..." kakuping soanten Ajengan tina spiker masjid Agung.

TAUN ANYAR

Kénging Undang Saipul Rochman
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:33:55

peuting ieu, sarua jeung peuting-peuting anu kamari, jadi beda..lantaran dijudulan ku manusa..nu hayang leuwih deukeut jeung pangajak nafsu, suka bungah eak-eakan kasandingan syetan durjana, poho kana malakal maot nu terus ngadodoho, sugan teh hirup kumaha ceuk aing,..ya ALLAH kuring nyerenkeun diri ka ANJEUN, nu maha sagalana...LAHAOLLA WALLAKUWWATA ILLA BILLAHI 'ALIYUL 'ADZIM.....

MIHEULAAN TAHUN BARU

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:30:03

"Maa, emaaa apan cenah taun baruna oge isukan, geuning ema niupan tarompet na keur peuting bari poek-poek oge, hayoh siah ema miheulaan tahun baruna bejakeun yeuh ka batur, parangsana ujang teu apal !" Cek si sujang bari ngacir-ngacir nunjuk ka indungna. Indungna ngalieus siga anggota dewan nu eleh diskusi.

KADEUDEUH

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:20:23

Bulan pangnepikeun kadeudeuh kuring, bentang pangiceupankeun kabogoh kuring , angin pangnoelkeun bebene kuring.

LAPAR

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:13:33

Beuki peuting hujan beuki muruhpuy sakapeung dibarengan ku pepedut, pepedut nyingray bulan marahmay, bentang karumetap, di juru aya nu murukusunu siga-siga eukeur murus.
Keur naon maneh ? aya sora handaruan
Nu murukusunu ngorejat reuwas, ari ret ngareret nu sora handaruan teh mamawa berekat dua besek song nu hiji diasongkeun.
Si murukusunu marahmay terus muka berekat mani kumetap.

TUNGTUNG TAUN

Kénging Neni Hendriati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 19:04:20

"Jungjunan, dina tungtung taun ieu urang tangtu geus ngahiji dina rumahtangga anu bagja, hamo cangcaya!" harewos anjeun sumarambah kana bayah. Kuring ingguk panuju, nyumputkeun inghak dina dada anjeun, kedal ucap seja tetep satia kana jangji salira.
Waktu sakilat laju, anjeun robah ulet, tambah jauh tur linghas. Unggal ditalek, jawab anjeun kur 'tungguan dina tungtung taun'.
Nya, poe ieu..., poe tungtung taun nu dijangjikeun, anjeun wakca moal bisa nedunan jangji. Lir episode nu geus kaliwat, taun- taun nu pinuh ku cimata... alatan anjeun nu teu weleh sulaya. Turihan hinis ngagurat dina hate nu geus gudawang.
Peuting nu simpe dina tungtung taun, kuring neuteup waruga nu ngababatang. Kur balati nu jadi saksi, mungkas lalakon urang.
Wilujeng angkat, jungjunan
Euweuh cimata nu marengan...(31 Des 2011)

TAROMPET

Kénging Emas Kurnianingsih
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 18:57:18

"Mah hayang meuli tarompet jiga si abil"
"ah lebar jang naon sakali tiup ge ruksak"
"da batur ge barogaeun, engke ditiup pas jam 12 peuting"
"pan geus pernah taun kamari pangmeulikeun, geuning langsung ruksak, lebar lah mending dibeulikeun kanu leuwih mangfaat"
"sabaraha kitu mah harga tarompet teh..?"
"lima rewu-an"
"lah cemen.. sakitu mah"
"cemen oge duit da mahal"
"mending di ciamis atuh meulina murah ngan sarebu-an"
"enya ari ongkos ka ciamis-na dua puluh rebu"
"atuh kieu we nya, aya akal, kumaha lamun ke tengah peuting mamah ngahurungkeun motor, evin mencet klakson..??"
"oohh.., enya satuju atuh...!!!"

BRUTALISME

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 18:31:17

Nu rek milu demo ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ti unggal lembur.Dipupuhuan ku masing-masing provokator. Unggal rombongan mawa spanduk nu temana saragem nyaeta nolak niupan tarompet dina maleman taun baru sabab cenah eta teh tradisi yahudi .Kituna teh bari pating corowok meni pacowong-cowong. Deukeut kana waktu tengah peuting sakabeh rombongan demo karumpul di alun-alun ngadarengekeun pidato spiritual raja provokator . Dina tungtung pidatona raja provokator ngagorowok tarik pisan "BAKAAAAAR",cenah. Ngadenge parentah kitu teu ngengkekeun deui kabeh kompak nyekes-nyekeskeun zipo jeung korek api sagala rupa dibakar .Tarompet dibakar , jagong dibakar , lauk dibakar , hayam jeung entog dibakar, nepika sampeu jeung hui cilembu oge dibakar. Sanggeus kabeh arasak kakara raja provokator mere aba-aba "HAJAAAAR !",cenah. Narima parentah kitu kabeh cacamuilan semu anu kacida sarugema pisan .

SIREUM

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 18:20:49

Aya sireum ngahuleng dina trotoar. Mencrong macet salila-lila. Ngagarayam naek kana lampu lalulintas. Huleng deui. Kapireng wae dina ceulina."Si eta mah teu bisa ngapung! Ulah diajak taun baruan!" Kapinis nu ngomong kitu teh. Siraru oge. Kukupu deuih. Abong baroga jangjang. Keur anteng ngalamun jol belesur. Kembang api. ngabelesur ka luhur. Luhur pisan. Beledug. Patingburisat di awang-awang. Sireum Hareugeueun. Tuluy mudun. Tuturubun. Muru ka lebah tukang kembang api. "Deuleukeun, Siah! najan teu boga jangjang aing nu bakal pangluhurna." kitu gerentesna semu kekerot. Sireum gancang pisan geus seseleket dina kembang api nu ngajajar. Saban aya nu rek meuli gancang lumpat kana kembang api nu dibeuli. sababarahakali lapur. Teu kaburu. Tapi teu burung geuning tinekanan. Muntang kana kembang api nu digigiwing. Ditangtungkeun ngincer langit. Sireum ngagulantung dina sumbu. "Deuleukeun, Siah!" cenah hohoak. Duka ka saha. Sumbu diduruk. Jurusjus. Sireum tutung. Belesur. Kembang api muru alakpaul. Lir pasaran nu nganteurkeun sireum ka langit. Beledug. Bray. Warna tingbelesat ngajanggelek kembang. Ari sireum taun baruan jeung saha?

MIRIP FIKMIN

Kénging Rukman Ranudinata
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 17:49:54

Kirang langkung tilu taun ka pengker, aya SMS kiriman IRA RENGGANIS dosen UPI,kana hape kuring, kieu unina:Di sisi rel kareta aya anu keur ngebut2-keun kaen beureum. Pas harita aya kareta datang, masinis reuwas ningali kebutan kaen beureum eta. "Wah tanda bahaya yeuh" pikir masinis, rikat masinis teh ngerem kareta. Geus deukeut pok nanya hariweusweus:"Aya naon, mang?!" Dijawab bari ngelapan piring ku kaen beureum nu tadi :"Teu aya nanaon, Pa, kantun bumbuna" ...Krrrkk kareta dilajukeun deui.

PEPETASAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 17:33:27

Rupa-rupa kembang api geus diseungeut, mapag taun anyar. Tarompét didurukan, diganti ku karinding. Réngsé niup karinding, térétét tarompét penca ditiup dina lagu Gedong Panjang tepak dua, diteruskeun kana lagu Imut Malati. Jleng Aki Jatma luncat minangka pakaulan. Ger nu lalajo surak, keprok, sarta pating saruit. Aki Jatma ngéngklak. Élmuna diketrukeun kabéh, utamana mah némbongkeun ka randa béngsrat anu dianjing caina, Nyi Tarsiah. Manéhna ngaluarkeun oéng-oéngan, nyacag beuteungna dina samangka, narok babatok, kabéh tutungkusan jaman keur ngora diébréhkeun. Nu sarurak beuki séah kataji ku kahébatan jago kolot. Puncakna ngumpulkeun pepetasan sagedé gulungan kasur. Ki Jatma ngagolér di luhur. Pepetasan disundut. Duaaarrrr! Sorana handaruan. Awak Ki Jatma paburisat, racleng ka jomantara. Nu sarurak ngadadak répéh, reuwas kareureuh nakeun. Si Aki palastra. Teu kungsi lila aya anu luncat kana panggung, si aki mangku Nyi Tarsiah anu imut. Pok Nyi Tarsiah nyarita.
“Ti mimiti ayeuna kuring daék dikawin ku aki Jatma,” gelenyu imut ngirut matak kapéngpéongan nu nénjo.
Nu lalajo gogodeg, “Aya kitu élmu si aki?”

PAHILI SARUNG

Kénging Nunks Surya Anugrah
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 17:28:02

Datang ti Bandung,pa Ojon langsung ka kamar ,tas anu dibabawa ti Bndung tuluy di bikeun ka pamajikannana,tidituna sangkan dibenahan .Pa Ojon leos ka Cai tuluy mandi,bangun nu nyalse.Sangges mandi tuluy nepungan pamajikannana bari sura seuri,tapi nu diajak seuri kalahka mabet make sarung awewe nu aya dina jeuro tas salakina,bari nginghak.Apana,kapan mamahma teu kagungan sarung nurupina kieu,dupi sarung apa kamanakeun?jeung ieu sarung awewe saha atuh?,mun kieu lalakonmah tos wae mamahmah rek uih ka bumi Umi.

SI BUNGSU KORBAN BUDAYA SALAH KAPRAH

Kénging Ambu Sulintang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 17:24:42

"ambu,......kawidian moal, pami abdi mios ka garut ke wengi ?." ceuk si bungsu bari aluman alimen ogoan.
"naha aya naon, " api-api ngemu kaheran. padahal kuring ge ngarti meureun rek mapag malem taun baru tidituna mah.
"akh, atuh bade ngadamel kenangan indah we di akhir taun ieu, pan atuh batur ge kitu." cenah kawas nu heueuh
"ari kitu, wajib nya ria2 ari mapag taun baru teh?"
si bungsu ngabelengeh, "sakali ieu we ambu, da sareng mamah, papah gita," tembalna.
gita teh sobat medokna ti mangsa SMP keneh
kuring ceuleumeut, emh... si bungsu korban budaya nu salah kaprah. tapi kuring moal eleh atah-atah, sakali deui kuring nandeskeun ka si bungsu.
"mapag taun baru teh teu wajib, moal dosa mun teu dilaksanakeun, nu puguh mah matak doreksa, ambu jeung abah baris deudeupeun, da jalan sakitu macetna. mun hoyong2 teuing mah jalan-jalan, yu jeung ambu urang ka deptstore we," tembal teh nyombo.
tapi si bungsu kalah ngagaded, jamotrot...........

CAN DIJUDULAN

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 17:07:11

Fikmin # BEDO #

Paingan hese ngalengkah. Dina Galactic Maps kaunggel yen teu kurang ti 77.123 manusa keur ngarumpul jeroeun ieu wewengkon nu radiusna mung dua kilometer. Beu...aya naon ieu teh ? Kabeh jiga nu jaligrah jeung loba nu nyarekel gagaman deuih. Ayeuh-ayeuhan. Sora tingkoceak nu niron-niron sora Pterodactyl, nongtoreng ti ditu ti dieu. Matak bungeng kana ceuli.
Nu ngabekaskeun proyektil dilangit matak hariwang. Untung we teu rongkah teuing. Asa kasiksa kaya kieu mah, mending bedo we panalungtikan teh.
Ngalungsar di sisi jalan, beakeun tanaga. Ngantelkeun pigeulang leungeun kana biwir bari nyorowok.
"Ang Apud..., betot deui uing ah..".
Teu lila aya nu ngaburinyay jebul ti luhur, inget-inget geus aya dijero modul Domas V.
Profesor Apud nyampeurkeun bari ngajingjing Bigbook.
"Manusa di bumi keur mieling taun nu anyar, ayeuna..", cenah.
"Baruk ? ..asa ku leuir teuing...mun arek oge bulan kamari...satutas revolusi bumi".

CARITA PARAHYANGAN

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 16:09:48

"Geura cabut pakarang manéh, Rahwana!" Ceuk Arjuna.
"HAHAHAHAHA." Rahwana ukur imut.
Duana tarung di palagan Gasibu. Ragot.
Euweuh nu wani ngadeukeutan, sumawona misah.
Arjuna ngayunkeun pedangna ka beulah kénca. Ngeplos.
Tuluy nojoskeun pedang ka lebah jajantung Rahwana, Rahwana nangkis ku dampal leungeunna.
Nu tarung beuki ragot. Nu narempokeun beuki teu wanieun misah, bisi milu katempuhan buntut maungna.
"Geura balik satéh!"
Awéwé tengah tuwuh datang nyampeurkeun bari ngajiwir ceuli Arjuna jeung Rahwana.
"Abong dingaranan tokoh wayang. Adi-lanceuk hantem wé ulin kabeuki téh. Kadieukeun pepedanganana, cuang piceun geura. Cing sing akur satéh. Dasar kembar jadah."
Arjuna jeung Rahwana jebi bari nahan ceurik.

REINKARNASI

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 15:55:12

Hiji peuting kuring ngimpi. Kadatangan hiji sepuh. Salirana estu murub mubyar pinuh ku cahaya pating gurilap. Matak serab nu ningali. lajeng anjeunna nyarios kieu, "Tong kaget anjeun. Kula Sanghyang Manikmaya nu ngawasa Sawarga Maniloka. Kula kadieu rek ngabejaan jeung nyadarkeun anjeun, yen satemenna anjeun teh titisan Batara Whisnu. Baheula Whisnu kungsi nitis ka Arjuna Sasrabahu, terus Ka Kresna........ Tah, ayeuna nitis ka anjeun. Kukituna, tugas Whisnu ayeuna dicepeng ku anjeun. Amankeun dunya! Khususna nagri Enonesa jeung nagri Fikmin........... Yeuh, tarima Kembang Cangkok Vijayakusumah, Gambar Lopian, jeung Senjata Chakra......." Beres masrahkeun tilu jimat, lesss we anjeunna ngaleungit. Korejat kuring hudang. Kasampak dina leungeun aya tilu jimat......... Laptop, Pestol, jeung SIM (Surat Izin Membunuh)....... halah!!!

HUNTU PALSU

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 15:53:14

Kuring nangtung di teras imah, dina meja geus sadia sagal anu kabeuki anak kuring ti bubudak. Teu hese, Gepuk, Sayur Asem Jakarta jeing sambel Gandaria. Teu katinggaleun beuleum peuteuy jeung peda beureum. Kacipta meureun nikamteunana, Mana sakitu lilana di Samarinda tara ngarasakeun masakan favoritna.
Jam 2 siang Budak te kakarak datang. Katempo cape, Terus budak teh munjungan. Kuring ngahelas. Buak teh katempo kuru, rada caludih, padahal budak kasep pisan. Tos nyuruput sirop Campolay karesepna, manehna pamit rek mandi heula. Kuring nunggun dina meja makan. Teu sawatara lila anak kuring datang geus beresih, tapi tetep katempona manehna asa geus kolot. Gek hareupeun kuring, bari melong ka kuring; Mamah mah asa anom wae, teu robih-robih. Kuring imut bari pok ngomong kieu: "Tuh Mamah masak kaseneng Ujang, sok geura!" Kuring muka tudung saji. Tapi manehna kalah ka melong ka kuring: "Alhamdulilah Mam, tapi hampunten Abdi moal tiasa nuang masakan Mamah." Kuring olohok. Naha kunaon? Manehna ngan saukur melong ka kuring pek maneha ngasupkeun ramona kana bahamna. Aya nu dikaluarkeun ti jerona: "Ieu Mam, Ieu maksadna teu tiasa Abdi nuang pasakan Mamah teh." Kuring ngalenyap Brey cimata kuring teu karasa nyurulung: "Ujang... aduh, Mun Mamah terang Meureun Mamah ngadamel Bubur Hayam wae kaseneng Ujan!" Anak kuring jung nangtung, ngarangkul ka kuring bari nu dicekel dina leungeunna teh ku kuring dipelong. HUNTU PALSU !!!
Asa kamari mah budak teh ogo jeung ngarenghik hayang dipangmasakkeun ku Mamah, Ari pokna teh: Tong nangis Mam abdi teh tos 50 taun. Mamah we nu teu robih-robih anom wae. Subhanalaahh...

Catetan:
Kiriman Aceuk Lies Tjandra Kancana Sudarma. Asana kapungkur pangarang. Sok nyerat dina Majalah. Dumuk di Bogor. Ngan can biasa jigana hoghag di lapak Fikmin.

GENGSI

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 15:09:13

Sirahna kaluar haseup. Beungeutna beureum asak. Ambekan ngahegak jiga nu deuk panungtungan. Teu pira, teu bisa narima, nalika aya bebenyit umur 6 tau n ngomong, "ANTRI PAK..!!! di hareupeun kassa toko buku... *1.

NOSTALGIA WENGIAN TAUN ANYAR.

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 15:04:34

Emut kapungkur waktos sakola keneh di Bandung, pami nonton dibioskop Cahaya Cicadas sok rajeun seja dilancingan model balon kantong pesak kiwa tosblong teu nganggo cangcut. Kitu calik pagegeye sareng nyi rangda bengsrat tatanggi kos, bari rajin ngagayem permen chicklet. Kitu neng Eni hoyongeun tangtos weh disina nyandak kuanjeun kana pesak kiwa. "Sok atuh kodok kana pesak aa." Kituh. Kitu ramona ngaragamang, korejat neng Eni kaget. "Ih a Eman gde anuna ..." Teuteupna bari mopoek kapan dilayar bodas nyengcelak, enon nuju segut direndos biwir sinyoh. Kantenan siaa mineng rahuh bari kukulupukan dugi ka rawuh tah. Hehe bari remen ngusapan tarang jaba kamer paroek deuih. Huh sigana mah pareum listrik deui euy.

NASIB JALMA

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 14:52:44

panon poe ngeteyep hanjat ngaliwatan sirah, panasna beuki nyentet.
"mang, baso!". sora awewe ngageroan tkg baso, katembong ngelol ti imah gedong. nu digeroan ngarandeg, ngalieuk beurat semu kabeungbeuratan ku tanggungan.
" mangga bu!".cenah bari ngabangkieungkeun awakna." campur bu?" sambungna bari ngecagkeun tanggunganana." campur we!" ceuk eta si ibu, bari nelek-nelek beunget tk baso, nu karek katempo anyar dagang ka dinya.
"mang ai emang urg limbangan sanes?"
" naha terang?"
"ieu teh dedi tea nya?". si ibu nanya deui
"muhun, dupi ibu saha tea nya?".
"cing tebak saha?". ceuk si ibu br seuri
"saha nya...?". si emang ngahuleng
"abdi yani mang, yani maryani! rerencangan es em pe kapungkur?". ceuk si ibu ngajelaskeun.
leng pikiran eta si tukang baso ngabelsat mundur deui ka mangsa 20 th katukang, kagambar rohangan kelas dmn manehna diuk dibangku panghareupna, dkt guru. sedengkeun di jjaran bangku awewe pangtukangna, aya awewe rada kunyin bari tara elat make seragam belel. "emh.. si yani teu sangka?!". gerentesna

TAROMPET

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 14:35:05

Den Aziz, Jang Rudi, Gan Uzy, Cep Ahmad, marawa tarompét. Aralus! Uing mah teu boga. Ukur bisa nenjo. Hayaaang…ih! Batur mah silih tembongkeun. Patarik-tarik. Paharus-harus. Pada muji. Toééét…Tétéééét..!!! Toééét…Tétééét!!!
Embé nu keur ngencar buru-buru dicangcang dina tangkal kérsen. “Mmbééé…bééé..” Ngabérélé. Didedengékeun. Sorana leuwih alus batan tarompét. Beuki pageuh nyangcangna beuki harus sorana. Mmmbééééé…Mmmmbééééé…Tali ngeurad beuheung, dipangkek sakaligus. Embé ngélél, babadug, terus ngulahék.
Aya nu ngusapan sirah. Nyusut cipanon uing ku tungtung sorban. Ceunah uing rék dipangnyieunkeun mpét-mpétan tina batang paré bari dikawihan “Jok-ojok, ungkang-ungkang. Nu dirojok nu ditukang!” Uing atoh.

CIKA-CIKA

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 14:33:48

Unggal peuting éta budak kaluar, ngahaja rék ningali cika-cika. Eta cika-cika anu hirupna ngan sapoé ku manéhna ditungguan nepi ka maotna, tuluy ku manéhna digundukeun, diasupkeun kana kéler nepi ka pinuh. Manéhna nyaaheun pisan kana cika-cika, sanajan geus maot éta cika-cika ku manéhna sok ditempoan wae, bari seuri jiga nu atoh. Hiji poé manéhna maot, éta cika-cika anu dina kéler ararasup kana kuburan manéhna. Nyaangan manéhna. Anu caangna ngaleuwihan panonpoé.

SAUKUR LAMUNAN

Kénging Mang Dodoy Power
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 14:27:25

keumpeul ngariung mumpulung pa amprok jonghok bari jeung lelendehan jeung bebende hate dina mangsa mapag taun anyar tapi eta ngan saukur lamunan kusabab diri kuring pa anggang jeung batur sa kasur..

percobaan ngdamel status punten kasadayana nyungken dikoreksi tangtos aya kalepatan dina kata"na.

KOROPAK MASJID

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 13:53:27

Mimitina boga kasieun basa rek shalat lohor ustadz Unus teh,di mushola nu teu jauh ti imahna,harita ngadadak nogencang hate,keueung jeung muringkak ,sabab ti mimiti muka sendal,.nyokot cai wudhu, salat jeung zikir.asa aya hiji mahluk jangkung gede nu terus ngawaskeun polahna.Ustadz Unus ngarasa aya napas ngahebos pundukna, jeung harewos nu teu puguh artina kana ceulina,ceuk pikirna lamun teu malaikat pasti jurig anu nyiliwuri,bari ngawani-wani karep gantawang Ustadz Unus ngomong: Yeuh maneh teh saha? Ngawaskeun paripolah aing titatadi, pok sia ngomong, rek naon sia teh…?? Diluar pamajikan Ustadz Unus ngagorowok :Bapa, saur pa Lurah artos masjid teh kedah disetorkeun ayeuna 40 jt,kumaha nya pan diangge ku urang .39 jt ngarehab imah.

GENIIING!

Kénging Erna Rusnawati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 13:15:42

Ceuk batur mah lalaki teu romantis mah tara boga salingkuhan. Emh mun enya teh kitu, meureun kuring teh kaasup jelema bagja. Bagja sabab salaki teh lain jelema romantis. Tapi da kali-kali mah kuring ge hayang diromantisan kawas batur. Kuring hayang nyaho kana eusi hate manehna. Naha manehna masih mitresna kuring atawa henteu. Teu rek cangcaya kumaha atuh, da salila ieu tara romantis malah kana muji ge pelit pisan! Mun di tanya "Pasakan teh raos?" ukur mesem. Ditanya "Abdi pantes nganggo acuk ieu?" jawabna pondok "Pantes". Tapi nalika kuring rek ngahadiran acara kumpul-kumpul jeung babaturan keur sakola mah, gening manehna teh meni ribut hayang ngilu. Da eta di tempat ngariung teh aya urut kabogoh!

KAKAREN KIBS2

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 13:14:49

Jadi panyatur poe rebo pabeubeurang. Nya perkara estetika sunda. Beh dieu nu kitu teh bisa jadi ciri, nu ngabedakeun, jeung nu mere rasa. Rengse ngawadul aya nu nanya.
"Misalkan imahna tos janten, hoyong karaos nyunda, kedah kumaha?"
"Oh carana seueur, gumantung karesep sareng kayakinan mazhab kasundaan nu diagem. Upama nganggap yen sunda teh cirina awi, mangga pelak awi di sabudeureun bumi. Parabot tina awi. Baju sapatu oge. Upami sunda teh sawah kebon balong, mangga damel balong sawah kebon di sabudeureun bumi. Balong wungkul kaci sareng laukna. Upami resep wayang golek, tiasa ngoleksi wayang. nu paporit cara cepot, arjuna atanapi sadayana kaci, malah bade kumplit sareng dalangna ge kaci."
Nu nanya katembong reugreug.

NAON NUKUDU DILAMPAHKEUN?

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 13:08:54

Nyanghareupan maleman ganti taun,kabingung meungkeut kuring.Tepung riung di Bandung,duit teu ngajurung.Cicing di imah teu tumaninah.

PANGGIH JEUNG SOBAT

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:49:59

Teu panggih geus ampir kana satauna, harita diparengkeun panggih deui dina acara mapag taun anyar.
Barang paamprok jonghok langsung sili teuteup anteb pisan, gelenyu imut duanana, terus manehna ngaragap nu kuring, kuring nyakitu keneh ngaragap nu manehna, saterusna kuring ngarames nu manehna, manehna ngarames nu kuring, bakat ku sono make jeung di keukeuweuk pageuh tur di ayun-ayun sagala, pada bungah duanana, nalika sasalaman paadu leungeun harita teh.

PANGGIH JEUNG SOBAT

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:48:47

Teu panggih geus ampir kana satauna, harita diparengkeun panggih deui dina acara mapag taun anyar.
Barang paamprok jonghok langsung sili teuteup anteb pisan, gelenyu imut duanana, terus manehna ngaragap nu kuring, kuring nyakitu keneh ngaragap nu manehna, saterusna kuring ngarames nu manehna, manehna ngarames nu kuring, bakat ku sono make jeung di keukeuweuk pageuh tur di ayun-ayun sagala, pada bungah duanana, nalika sasalaman paadu leungeun harita teh.

REUNI

Kénging Dang Q'most
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:31:24

Kendaraan herang, calana jeung kameja nyeprit menang ngalicin. Sendal weuteuh ngahaja meuli heula ti pasar. Lengkep rarasaanmah. Di jalan inget can disemprot minyak seungit. Teu hese akal, pengharum mobil dibahekeun kana awak. Datang ka tempat reunian, babaturan hariweusweus, kabogoh keur SMP ngadagoan handapeun tangkal aceh tempat baheula pasini jangji. Rada ngeteyep nyampeurkeun teh. Barang gok, gustii ning kerewedan. Nya peot, nya begung jiga nu TBC. Sieun kanyahoan kuring nu baheula, geuwat miheulaan. "Punten pun adi teu tiasa sumping, aya tugas luar kota". Manehna ngan ukur unggut, kuring geuwat kabur nyeak balik ka imah.

DI BALIKEUN

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:29:49

Meuncit meri dina rakit bobo wadah bakatul
Lain nyeri ku kabogoh panyakit direbut batuuuuuuuuuuur

MID NIGHT LADIES

Kénging Ambu Sulintang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:09:01

"ambu, ke wengi mid night ladies, ka ditu yu...." cenah ceuk si bungsu bari nyebut hiji ngaran hotel kawentar nu aya di kota kuring nganjrek.
"akh, mending ge di bumi we atuh cu, ngariung tasyakur sakulawarga, palay masak naon?? sok ke dipangmasakkeun." nembal teh bari ngusapan taktakna.
naaaa atuh si bungsu nembalan bari bangkenu: "huuuuu, ambu kunooooo!!!!"

CARITA KURING JEUNG BAPA

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:07:26

Saprak Ema datang, mulang ti Arab!, kaceuceub uing ka Bapa, nu di ipuk salila-lila, jadi leuwih ngarandakah, ka cebor ku kanyaah Ema, nu taya watesna. Aya dosa nu nyuruwuk, nyasaak hate, mun panon uing pareng amprok jeung sorot soca anjeunna. Ema siga nu surti , tur apal kana kila-kila. Basa dina hiji peuting, hordeng kamar, disuaykeun deui ku Bapa, sorot panon na nu moncorong beureum, atra ka tingali, ngagedurkeun magma na jero dada Uing. Ranggoas leungeunna, nyolodor !, cupu-capa, kana sagala nu biasa di rarampa ku manehna, siga nu biasa dilakukeun baheula, waktu keur teu aya Ema. " Saurna, Bapa!, Tos Jangji, moal sakali-kali deui !?" Lumengis kuring, ngan di denge ku angin, nu ngulampreng, nyusup tina sela-sela jandela kamar. Peuting eta, mangrupa peuting panungtung uing, ngambeu renghap Bapa nu bau hangru. Seuri kapeurih, awor jeung inghak, basa uing ngelap getih nu masih ngaley ,na seuseukeut balati . Di kamar sabeulah, Ema, masih ngagebra, rarayna kaciri geulis kacida!.

MERDEKA AH

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 12:00:37

"ema wayahna menang duit teh ngan salapan rebu poe ieu mah " ceuk mang Tanu ka bi Anah.
" ngan nepi kana beas sa leter nya kang , urang bubur we meh mahi sarerea "
" nya da kumaha atuh mulung kertas teh hese ari usum hujan mah,keur ayeuna mah komo parebut paisuk - isuk mulung teh, siga si Dudang rajin pisan, tengah peuting manehna mah mulung teh , cenah keur kukumpul meuli pepetasan jeung kembang api keur taun baruan "
" ih ari pangkat urang mah cing tuh ulah nurutan para pejabat jeung jelema beunghar , taun baru teh wajib miceunan duit, ngan ukur bisa nganyeunyeuri rahayat leutik, keur dahar oge urang mah manggih sore henteu isuk"
" emang gue pikirin ...... ???? Mang Tanu nyerengeh bari dina hatena mah ngageuri, "wilujeng taun baru 2012 indonesia , merdeka.......ah."

BASA KUNGSI TEPUNG DEUI

Kénging Maspri Dkc
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 11:53:49

"Piraku akang tos lali ka abdi ?" pokna
Ngotéktak ngoréhan panineungan, nyingkaban manglembar gambar nu mapaés rohangan haté.
"Hampura..! Geus teu nyésa sakotrét bacaan, bacaeun kingkilaban...saprak anjeun maléngos tina udagan, ngépéskeun pasini asih munggaran..."
Teu kebat neruskeun pikiran, balas ku pakepuk nambalan haté nu raca tapak nurihan, laju ngangkleung malidkeun manéh dina gulidagna juuh cimata.

TAUN BARU

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 11:45:09

Jelema ngagimbung tisuklakna tisiklukna, kolot, budak, awewe, lalaki, kabeh sigrah suka bungah geusan mapag taun anyar. Taun nu di piharep ngawujud sagala harepan nu can karandapan.
3, 2, 1, .. Nu make pakean ginding ngomandoan.
Beledug, barasat, burinyay di awang-awang warna-warni sing arenyay di pirid ku seahna tarompet di sadakeun meh bareng.
Jep simpe, layon ngalayah pating solengkrah, ngababatang ngabageakeun taun anyar.

TAUN BARU

Kénging Pipin Dasripin
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 11:25:46

Nepi ka lawang perum, motor ngarandeg...sapanjang jalan macét. Biasana mah tara macét. Ieu mah ti Singaparna kénéh tos macét. Jadi horéam rék laju gé.
"Mmmm.....rék kamarana nya?" haté ngagerentes.
"Kapan rék taun baruan?"
"Naha taun baruan kudu ka luar ti imah kitu?
"Nya enya atuh, dina peuting nyanghareupan taun baru téh, kudu nyieun kenangan indah."
"Oh, kitu nya? Ka mana biasana ari taun baruan téh?"
"Nya kamana wé, ngan biasana nu ramé téh sok ka basisir. Ieu gé jigana rék ka Pangandaran."
"Resep nya batur, laloba duitna, ahir bulan, ahir taun téh bisa pariknik."
"Atuh da geus disiapkeun ti anggalna. Naha atuh teu hayang kawas batur taun baruan di Pantai?"
"Lain teu hayang, ngan ceuk kuring mah leuwih hadé cicing di imah, tapakur, introspeksi diri, geus naon nu pilampah ku urang dina taun kamari, geus nyieun kahadéan naon dina taun kamari, naha loba kahadéan atawa kagoréngan nu dipilampah ku diri téh, sabab datang taun anyar téh, hartina jatah umur urang bakal ngurangan.."
"Mmmm...teuing atuh!"
Haté norowéco, motor dibalikeun deui muru ka imah, teu tulus rék indit téh da macét di jalanna...

"Wilujeng 'Taun Baru 2012' mugia dina taun nu énggal ieu urang dipasihan kaséhatan sareng kasuksésan....amin".

TAUN ANYAR

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 10:51:55

Dumadakan alam oyag. Eundeur ku sora nu handaruan. Gur ger ti kidul ti kalér. Jalma-jalma ti suklakna ti siklukna pada muru Gasibu, Tegal Lega, Alun-alun, jeung Balai Kota. Kabéh marawa goong bari teu eureun ditabeuh. "Wilujeng taun anyar daak...yu urang gelegerkeun goong téh di astana. Tingalikeun ka uyut-uyut, urang masih mupusti warisan karuhun" kang Beni F. Syarifudin ngagorowok tengah podium.

CINTA SAJORELAT

Kénging Abi Ceuceu
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 10:47:10

“Muhun, Kang,,janten ti kawih ayeuna urang tos we ulah pendak deui,,urang tutup carita urang, margi abdi alim antawis urang janten jalmi anu dholim tos ngahianat pasangan urang nu ahirna bakal ngaruntagkeun rumah tangga urang ku anjeun.”

“Muhun, Neng..” ukur kecap eta nu bisa kaluar tina biwir kuring, hate meni ngarakacak, nyeri,,

“Entos nya, Kang,,abdi bade permios..punten abdi parantos nguciwakeun akang,”

Manehna nyolongkrongkeun leungeun ngajak sasalaman, rasa meni asa diwewejet,,,rajet,,,antara rasa jeung kanyataan anu teu bisa saluyu bakat ku teu kawawa ieu hate.. tuluy kuring nyolongkrongkeun leungeun kuring ka manehna. Barang antel,,,,leungeun manehna ku kuring dibetot,,tuluy digabrug,,ditangkeup pageuh pisan,,rasana asa beurat kuring rek ngaleupaskeun dirina.

“Kang, tong kieu..isin katingal kunu sanes,,!!!”

“Wios neng,,ulah ngahulag akang hoyong ngaleupaskeun rasa nu salami ieu ngagugudag teu kawawa,,,”

Kuring peureum,,nyeri hate teh,, teu karasa aya nu haneut ka luar tina mata kuring ngalembereh tandaning kudu ridlo ngaleupaskeun nu jadi panutan hate salila 18 taun dipidangdam. Celengok,,,kuring nyium tarang manehna.

“Nuhun, Neng,,! I Love You..” Kuring ngaharewos..

Manehna teu nyarita ukur neuteup kuring bari ngalembere cimatana, luk tungkul,,,

Kuring ukur bisa nebak-nebak hungkul,,kawasna sarua nu keur karasa ku kuring jeung manehna teh,,,,,,,

MASEHI

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 10:45:35

Can pati béntés sorana, kara tilu oét, ka opatna ngaguik. Tarompét dipasang dina saban pori-pori awak Opan. Jarum jam nawing, kalender lalocotan. Dina hirup Opan, aya taun-taun anu kungsi leungit. Maséhi nu pait peuheur. Botol ting corowok, mapakan sora knalpot nu carowong. Teu di laut teu di gunung-gunung nu lalindeuk.

NAHA ?

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 10:40:32

Padahal mangsa samagaha teh geus kaliwat.Tapi kunaon alam jeung pangeusi ieu nagri loba nu aneh.Cai ibun geus leungit tiisna,Hujan jeung halodo lain geus teu ngawaktu,Panon poe tereh surup.Teu saeutik jelema ,nu teu bisa ngabedakan mana sora bueuk jeeng titiran.Kiblat oge geus teu jadi patokan.Kila-kila naon ieu teh ?

SAE AGEUNG KIAT

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 10:37:48

Dina beus jurusan Bandung-Jakarta kabeneran diuk teh jeung mojang geulis,ngan ti saprak beus miang, eta mojang teh terus maca buku teu luak-lieuk,panganguran tamba euweuh batur ngobrol ditanya weh :
+ Neng nuju ngadamel skripsi nya ti tadi maca wae?
- Oh muhun,ieu abdi teh nuju nalungtik rarangan pameget kanggo makalah.
+ Duh asa nembe nguping yeuh aya makalah rarangan mah,kumaha tah Neng.?
- Kieu dina buku disébatkeun,rarangan urang bali sae rupina da panginten résép kana
ukiran,rarangan urang sunda ageung saréng panjang da seueur nuang lalaban,rara
ngan urang batak,kiat lami upami sapatemon da seueur nuang lada
+ He he he hebat lah neng makalah na, punten Neng saha jénéngan teh.??
- Oh muhun hilap,abdi Tanti rohaeni,dupi akang.?
+ Nami akang Ketut Iwan Simorangkir…..

NYI ITRI

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 10:33:01

"Kang abdi masih lalagasan". pokna bari nyusuan anakna, tuluy ka tukang, nganteurkeun kopi ka salakina nu keur nyetrekan manuk.

IMUT SUBUH

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 09:44:06

Wanci subuh dina muruhpuyna girimis, usap rema nyieuhkeun katiris laju kedal ngaharewos... "Wilujeng mapag taun dua rebu dua belas...."
Endahna lambey salira aya imut masieup pameunteu salira, duh eta imut katingalna bet kareueut, imut nu mapaes salambar katiris nu tebih tina kamiris...

SUKABUMI 7 JANUARY

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 09:19:10

Naha kudu nguliatkeun kasono ngageterkeun jentreng kacapi deui?
Ulah ngarandeg di pasisian ,reuma buah harendong keur meujeuhna meuhpeuy
Geus wancina tuturubun muru lengkob pangiuhan ningtrimkeun katineung
Nu siga hujan maseuhan leuweung geledegan ngan fatamorgana kapeurih
Impian geus paheut napel ngukir ngaran manehna, jugjug ku harepan anu endah.

ARI SUGAN?

Kénging Neni Hendriati
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 09:05:18

Naon atuh salah uing, pirage endog dicokot hoji tina sayang, nini kuat ambek. Tangka centong ngabelewer kana tarang, heg nenggel pisan. Sok padahal, aya welasna endog dina sayang teh. Ari sugan, moal kanyahoan? Jadol, teh! Uing kukulutus bari ngusap tarang nu buncunur...

WIDOWFONE

Kénging Dang Q'most
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 09:05:14

Di konter si Boy. Néangan hapé jang si bungsu. “ Aya hapé gaul Boy". "Anu kieu kang" si Boy ngasongkeun hapé warna bungur. " Sabaraha Boy?". "Lima ratus kang." Tuluy adu rega. Jadina 450 réwu. Anjog ka imah. "Si Ucu kamana?.". "Di lebak pa" walon pamajikan. "Ieu hapé jang si Ucu." Hapé dibikeun. "Saé pak. Resepeun geura". Si bungsu norojol. Tuluy guntreng jeung indungna. "Alim hapé jiga mamahna Gina." Budak nyorowok. Ngagoak ceurik. Kuring reuwas. Geuwat nyampeurkeun. "Saha ari mamahna Gina téh bu" nanya ka pamajikan. "Indung babaturanana. Rangda." Kuring olohok. Giru ka konter deui. "Boy hilikeun. Teu resepeun budakna". "Eéh manawi kanggo akang. ". "Maksudna ?" panasaran. "Husus rangda Kang. Merekna oge Widowfone". "Naha atuh dijual ka uing. Pan lain rangda". Si boy némbal "Manawi bade dianggo ngusep rangda ku akang". Kuring nyengir bari mikir. " Teu jadi ditukeur. Meuli wé hiji deui." Si Boy olohok. Kuring mésem.

SATAUN

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 08:58:20

Asa aya honcewang lamun ngaliwatan tempat eta teh. Tempat nyungsi pikir pikeun jalma-jalma mun pareng keur nyalse. Nya tempat eta pisan munggaran tepang, basa manehna labuh tina motor. Di tempat eta keneh munggaran kedal rasa nyaah ka manehna. Sataun kaliwat asa aya harewos iber yen manehna keur ngadago di tempat eta. Rurusuhan bisi nu ngadago kaburu miang deui. Rada beda tempat teh ayeunamah loba rambu lalulintas tanda paringetan bahaya. Katingali nu ngajejngjen anteng bari pageuh nangkeup poto. Kadenge gerentesna dareuda " Engkang, sataun kalangkung ieu hate hamo bisa kagentosan, najan urang paanggang, asih salawasna kanggo salira". Suku teu bisa ngalengkah hate ngaleketey ningali foto nu keur di ceungceurikan teh bet mirip poto diri sorangan.

NU MISKIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 08:47:44

Rudi anak nu beunghar, banda kaya bapana libak-libuk di mamana. Imahna di komplek elit, sakolana ge di sd elit. Hiji poe meunang tugas sakola, ngarang ngeunaan jalma miskin. Sanggeus survey di sabudeureun komplek imahna, gutrut manehna nulis kieu. "Mang sabri jalma miskin. Anjeuna mung gaduh bumi hiji, mobil hiji sareng pembantu hiji. Bakat kumiskin, tiap ahir taun mang sabri mung ngajak kulawargana liburan ka bali."

MAPAG TAUN 2012

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 08:29:43

Dina angkeubna langit harepan, aya cihujan maseuhan jandela, rumeuk neuteup sawangan, lus-les sagala harepan kapupus ku citra nu taya hartina

BANJIR

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 08:25:03

Nyeta keur di jalan bari hujan badag kamari mah. Mulang ti Bandung. Telepon hayong disada, meni jiga anu maksa hayang diangkat. Paingan we, jikan ningan. "Kang ieu imah banjir. Panyaweran tamplok", cek jikan. "Sami ieu oge banjir. Abong geus saminggu nya teu hujan. Keun we engke wengi urang bedahkeun", pok teh. Lain eta. "Nyaan ieu mah. Banjir nyaan", jawab jikan meni asa nongtoreng.

MAPAG MAELAM TAUN ANYAR

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 07:46:26

Bilik kamar geus diayuman,Ranjang geus dicempedan,Kasur meunang geus diseprean,Kulambu meunang nyeuseuh geus dipasang.Engke peuting bakal aya kajadian kacida rongkahna.

JEMPOL

Kénging Usin Muhsin
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 07:38:01

Kuring yakin kana ieu jempol......bakal manjangkeun duduluran alatan silatirahmi.

CAN DIJUDULAN

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 07:37:20

Fikmin # NU MULANG #

Nyangsaya di jok tukang mobil jemputan. Beungeut nu sepa. Sapeuting jeput ngulaskeun getihna nu teu ju'uh kana tungtung curuk Foreman nu teu lungguh.
Setoran motor, cicilan imah, es pe pe budak, jeung jatah mabok salakina, malih warni jadi burinyay koneng ririakan nu pasulabreng minuhan ringkel uteukna. Reup peureum deui.
PPH, setoran Jamsostek, ngarengkenek marengan kerek nu nyegrek . Basa mobil ngariyeg nyorang liang nu gudawang, manehna gundam bari nyusutan cipanon ku tilam.
"Barudak...pan isukan teh tanggal ngora...".

ANGIN WANCI SAREUPNA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 01:47:16

Angin sareupna nu teu weleh ngusap raga dina haneutna napas sadami, nyulusup ka lebah pori-pori laju ngamalir dina urat-urat getih, ngintel, namper na ingetan bari terus numuwuhkeun imajinasi marengan ilusi nu pinuh ku birahi.

KA 39

Kénging Hadzy Dkc Propitious
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 01:41:32

Hiji waktu urang Papua asli pedalaman ulin ka tatar sunda.
Urg Sunda : " kang,punten didieu mah teu kenging ngangge acuk eta,!.(bari nunjuk kana koteka.)
Urg Papua angguk-anggukan seuri bungah marukana nu ditunjuk teh senjata panghadena.,......(pura-pura ngarti basa sunda)

WANGSA

Kénging Ison Subekti
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 01:38:04

Dedeg sampe rupa hade ngan hanjakal siga nu bonge. Budak ngora sakitu tegepna siga nu teu boga pangrungu diudag-udag ku aki-aki lumpatna rumanggieung, gorowokna henteu bentes. "wangsa...wangsa.."
"Wangsa, tuh dicalukan" kuring ngabejaan waktu manehna ngaliwat. "ah sawios ang, eta pun aki hoyong ngiring.." leumpangna ngagancangan semu lumpat. Aki-aki anjog hareupeun kuring, bari rada nyereng manehna ngomong "naha lain wantuan, nu tadi teh wangsat...maok duit pangsiun aki nu karek dicokot"

KENDI

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 01:08:29

Waktu sim uing keur jadi budak sok aya rasa kapanasaran mun merhatikeun dalang keur manggung . Bayangkeun we sakitu diuk andekak sapeuting jeput teh bet kuat-kuat teuing nahan kahampangan . Da tara katingali bulak balik ka cai . Kadang-kadang sok jadi bahan diskusi jeung pada babaturan . Tapi hasil tina diskusi teh kalolobaannana bet teu arasup akal . Ceuk saurang cenah dalang mah pan boga kasakten hasil tatapa. Ceuk nu sejen cenah dalang mah baroga jangjawokan keur nahan kahampangan , jeung sajabana .Tapi aya oge nu rada asup akal , dalang mah mun keur manggung tara nginum-nginum acan .
Tah ku sabab kitu waktu aya batur salembur nanggap wayang teh asa mobok manggih gorowong . Da ceuk pamikir teh tangtu bae bakal bisa bebas ngayajeun panalungtikan ka subjekna langsung , ngeunaan naha enya dalang kuat nahan mun hayang kahampangan.
Peutingna memeh gamelan tatalu , lantaran beurangna geus sasapukan ngahaja milih tempat lalajo teh padeukeut-deukeut jeung dalang . Dua urang naek kana panggung diuk gigireun tukang saron ,nu dua urang deui diuk ucang angge gigireun tukang bonang . Sedengkeun sim uing jeung Si Ujang , batur pangdalitna ,ngajengjen hareupeun gugunungan bari mun kesel mah nyelang cingogo heula. Sanggeus nayagana rempeg der gamelan ditabeuh. Nu lalajo mimiti surak . Eureun tatalu cat juru kawih naek kana panggung . Teu lila deui disusul ku dalang , katingali tina papakeannana nu rada model , dibendo ,make kameja bodas dilapis ku jas hideung ,ngan kahandapna mah ukur disarung polekat . Sempet kapikir kunaon dalang teh bet make sarung da nayaga mah kabeh dicaralana panjang .
Ki Dalang ngaguluyur medar lalakon Baratayuda diselang-seling ku pidangan juru kawih jeung bobojegan punakawan . Sok sanajan dalangna lain dalang kahot tapi teu burung loba nu lalajo sabab harita mah can loba lalajoaneun kawas ayeuna .
Maju ka tengah peuting dalang eureun heula cacarita diseling heula ku juru kawih nu midangkeun lalaguan pamundut ti nu boga hajat . Sabot kitu ti handapeun tempat dalang ngigelkeun wayang (jagat ) atra pisan kadenge ku sim uing aya sora ngolohkor rada lila jiga sora cai tina teko nu dikocorkeun kana gelas . “Wah pasti dalangna keur nginum heula” ,ceuk pikir . Ngan barang pintonan rek maju deui kana hanca lalakon batur kuring nu diuk deukeut tukang saron turun terus ngaharewos rada tarik , pokna “ Tadi dalangna mikeun kendi eusi cai meunang ngajampean ka tukang saron keur nu boga hajat “. “ Paling oge cai keur ka kuburan !” ,ceuk uing nyanyahonan . Bubuhan malem libur sakola lalajo wayang teh parat nepika anggeusna . Tapi lantaran deukeut ka imah nya teu langsung balik kawas batur . Panon nu geus rada hese beunta manteng ka luhur panggung ningalikeun nayaga nu keur mereskeun parabot wayang . Nepika turunna dalang ti luhur panggung oge katingali ,Bari mawa kendi semu nu ati-ati , kawas sieun bahe . Uing jeung batur nu limaan rada curinghak ningali kitu teh .“ Mawa kendi deui euy , Naha loba –loba teuing ?” , Si Odih ngaharewos . Memeh asup ka imah nu boga hajat Ki Dalang ngabahekeun heula eusi kendi kana dapuran baluntas . Bakat ku hayang nyaho naon pangna eusi kendi teh bet dibahekeun nya tungtungna dapuran baluntas teh pada ngambeuan . Ahirna kapanasaran teh tinemu jawaban sabab geuning dapuran baluntas teh kaangseu hangseurna liwat saking .

SAPOE DEUI

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 31 Désémber 2011 00:29:06

Cunduk waktuna anjeun rek diturunkeun. Dipiceun, malah boa-boa di duruk da loba teuing catetan kulawu dina angka-angkana. Komo,eces pisan sapanjang tilu puluh hiji poe nu panungtung, ampir kabeh angka teh beureum. Kakeueum getih nu nyurulung tina napsu-napsu nu kapahung. Dina jajaran tanggal nu dicoretan kuring ninggali anjeun ceurik. Dipaksa jadi titimangsa sagala rupa talajak anu matak nurihan kana lelembutan.
Woyahna anjeun isukan di piceun, diduruk , dipateni mangsa tengah peuting bari di surakan, ditarompetan. Geus kitu anjeun dipaksa kudu hirup deui dina angka hiji.