Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Désémber 2011 (66 Naskah)


IKLAN

Kénging Abdul Hamid M. Sastra
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:56:34

Saderek katarajang insomnia? Enggal dangukeun hutbah jumat.
Saderek katarajang barusuh, sesah seuri? Enggal tongton acara ceramah TV unggal enjing-enjing.

CERAMAH

Kénging Abdul Hamid M. Sastra
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:53:14

Anu di masjid ngajak perang, anu di televisi ngajak seuri (samarukna lucu).

FIKMIN

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:49:32

ASALMUASALNA DOMBA DISADANA EMBEE"
Baheulamah disebut domba teh dumeh disadana "ombaaa...ombaaa" teu siga ayeuna jadi pahili jeung sora embe. Hiji mangsa kebon pa tani seep diranjah embe, ngan embe pinter barang beuteungna geus seubeuh langsung kabur, ari domba datang kadinya maksudna rek nganasehatan embe, teu kudu ngaranjah sabab jukut ge masih loba.Pas pa tani datang ningali kebonna seep nu kasapak domba, nya teu anta parah domba langsung dicangkalak,disiksa dikaya-kaya malah diancam rek dipaehan,domba teu rumasa manehna nyebut "embeeee,embeeee" maksudnamah ngabejaan yen anu boga dosanamah embe.

BASA

Kénging Abdul Hamid M. Sastra
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:48:36

+ Gelo aing mah anjing. Sia mah goblog teu solider pisan ka aing teh anjing.
- Puguh aing oge teu nyaho siah anjing. Goblog aing jadi katempuhan.

EUWAH

Kénging Wa' Ratno
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:12:36

Kang hapunteun nyai,ngantunkeun akang luluasan,nyai hoyong tiasa ngarobih kahirupan jiga nu lia,ngawiat si Ujang!. Pondok na sacewir keretas nu di cutatt sataun katukang. Peurih na ati taya di kieuna,di pangkaburkeun,rumasa teu bisa ngungkulan kahayngna. Ngan si Ujang nu ngubaran jeung ngagedekan hate.
Jiga poean harita,kuring keur jongjon ocon jeung si sujang di teras imah,kadatangan
tamu nu nitah ka kantor Kacamatan,pajarteh peunting. Sanggeus mihapekeun budak ka ninina,bring kuring ngabring ka kantor kacamatan. Barang jog na panto kacamatan, Breh di ruang tamu ka sampak hiji awewe nu kuring mo'kapalingan ,keur seuri maur i,irihilan,jeung ngomong nu teu kaharti,sorot mata nu ilang cahyana,jeung samasakali teu apaleun ka kuring. Kapireung ngomong siga keur nyarekan,"Anjinggggggg!,unggal peuting we aing di tumpakan ku dunungan ari gajih teu di bayar!..binatang?".ngomongna kekerot,tutunjuk bangun nu ambek.

JATI KASILIH KU JUNTI

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:08:09

Bale bandung asa suwung pamengkang taya dangiang.."na kamarana ki sunda di wewengkon Bekasi, da geuning anak incunamah ngomongna loe , guwe...!" cekeng teh bari rarat-reret.

LEUIT

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 23:07:29

Pernahna gigireun imah, gedéna satengaheun dapur. Jerona teu weléh pinuh ku paré meunang ngagebug, diluhurna numpuk geugeusan ketan hideung jeung bodas. Wanci sareureuh kolot, samar-samar kacaangan ku cahaya béntang anu baranang, dua jalma pating keteyep ngadeutan lawang leuit. Gegerenengan bari pepeta. Maranéhna kunyam-lunyem mapatkeun jangjawokan, awakna digibegkeun, dak dumadak robah sapada harita jadi dua beurit hideung. Arasup kana lawang anu méléngé. Kacida guligahna sanggeus di jero, tétéla saincak-incak téh paré mani ngahunyud. Waktu ngagibegkeun deui awakna maksudna rék ngawadahan paré, teu laju, maranéhna ngagebeg reuwas pangacian gé asa hiber. Harita ucing inguan si Nini nu biasa ngajaga leuit ngadakom némbongkeun huntu rangéténg sarta kuku anu sareukeut.

DUA PAMUDA

Kénging Imas Ceu Iroh
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 22:37:17

Blug panto kareungeu nutup deui. Dua lalaki séséléké, keureut irungna sarua, nu hiji pamuda nu hiji kolot. Pamuda gék ti heula dina jok kosong. “Bapa dimana...?” Bapa kolot ka pamuda. Culang-cileung sakedapan, ngasrog ka béh hareup. “Bapa...! Tas!” ceuk pamuda. Bapa kolot mundur deui, tas ransel nu témbong ampeg, dicekel talina tibeberegég ku leungeun kenca, leungeun katuhuna apay-apayan dina panyarandéan nahan kasaimbangan. Sajongjongan awakna ugag-igeug teu ajeg, puguh supir nincak gas antep karep jeung puguh gé pinuh. Bapa kolot ngécagkeun ransel, ngajengjen, mencrong wangunan nu pasulabreng katuhueun jalan. Teu lila pamuda séjén nu diukna pas hareupeun bapa kolot, nangtung, “Calik, Pa.” Pokna. “Alhamdulillah...” cenah, bari ugal-ugil ngasupkeun tas kana kolong jok.

AMBU- ABAH

Kénging Uti Kinanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 22:07:45

Wengi ieu tilu pujuh surat di entep dina map, bari gegelehean na lahunan anjeuna maca hiji-hiji nu baheula di kirimkeun ku si ambu ka anjeuna. Sareretan aya kabungah minuhan dadana. "Ambu tos lima puluh tahun urang sasarengan tapi abah asa budak ngora wae sareng ambu mah". Aya cimata ngeclak tina juru panon lalaunan rambut abah nu tos ngeplak bodas di usapan pinuh kadeudeuh.
Peuting beuki simpe, abah beuki tibra na lahunan , dugi ka subuh ambu sareng abah kulem di papangge patangkeup tangkeup.
Incuna nu balik sholat subuh ti masjid ngajerit, ambu , abah ulah ngantunkeun abdi...............

DÉMO

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:56:06

Nu démonstrasi beuki rongkah. Pating jorowok nungtut hancengan. Kaayaan beuki ahéng. Bataliyon cacing démo na jero beuteung !

SIARAN

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:55:20

MACAAN fiksimini, dina acara Langari (Panglawungan Urang Kiwari), di 94.3 MHz, RSPD Tasik. Karya-karya tina ieu grup nu dianggap petingan, dipidangkeun dipirig komposisi musik, bet jul-jol talatah ti pamiarsa. Aya nu ngarasa kagagas, ras ka mangsa nu geus lawas, cenah. Aya nu ngarasa dipangdongéngkeun. “Katampi pisan Purbasari nu ka kebon binatangna,” Jol deui, “Kataji ku nu ngantosan cinta dina nu nikahan tadi,” ceuk talatah lian. “Nuhun pisan guaranana, Kang, katampi...” Talatah rupa-rupa. “Iy, nu nembé mah bet matak muringkak!” ceuk talatah séjén. “Wilujeng wengi, Kang, abdi ngupingkeun...” Rét nomerna. Saha nya? Sabot keur muterkeun lagu “Madendasari” ti Ida Widawati, aya talatah anyar. Ukur aya tanda <3 tilu siki. Ti nomer nu tadi. Tanda <3 téh tuluy jiga nu arusik, malah ngalayang dina layar monitor, terus haliber di rohang siaran. Beuki lila beuki loba... beuki loba... Panasaran, nu ngirim lambang <3 téh dibales talatahna. Dupi ieu sareng saha? Rada lila, jol balesan, “Abdi nu tadi dicarioskeun ku akang, Monalisa...”

MANG DIHIN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:51:45

Toroktok jrek
Senjata konta nanceb parat kana dada Gatotgaca..
Dalang : Dihin pinasti yang domampara
Nayaga Rampak : DIHIN.......????
Dalang : na kamana atuh mang Dihin teh? lain bieu mah nabeuh goong..??

INOVASI PARIBASA

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:46:19

Mun meunang kuring ngarang paribasa anyar, tangtu kuring nuliskeun, "ari umur CB Bagong, angen-angen CBR 250!"

KEUYEUP JEUNG BEUNTEUR

Kénging Denis Derinka
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:19:58

Keuyeup heureuy jeung Beunteur,Keuyeup ngeundeuk-ngeundeuk beuteung Beunteur
ceuk Beunteur peureus jeung seueul,ceuk Keuyeup leueur
Keuyeup ngeureuyeuh beuteung Beunteur
beuteung Keuyeup seukeut...
teu heubeul Beunteur reuneuh..heuheu heu

KALEM

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:15:31

Kuring hayang tikukur, pamajikan resep cangkurileung. Wah..kamana nyiarna.
Tungtungna nurut kahayang budak, majang bueuk.
Majar teh..manuk kalem.
Korban tipi tah.

MURUKUSUNU

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:02:52

Di meja makan pak Haris rada kerung halisna , teras naros ka bu Reni istrina .
" bu naha sayur teh teu di uyahan ?
" aduh hilap panginten pa "
" capcay oge teu karaos nanaon geuning "
" astagfirullah hilap panginten "
" naha tempe sareng hayam teh masih rada atah geuning "
" aduhhhhh bapak hapunten ibu teh malaweng "
" ngemutan naon atuh ibu teh dugi ka kieu ?
" ibu teh ngemutan kumaha carana ngadamel Fikmin sangkan nyari , raos diaosna , sae tampilanana "

DURIAT ANU KASAPIH

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 21:02:17

Seukeut lir jamparing paneuteup anjeun nembus kana ati jeung jajantung.panangan anjeun duanana tipepereket muntang kana beuheung kuring, lambey muka semu ngageter dibarengan ku juuhna cipanon nu bedah ngawakilan rasa nalangsa nu taya papadana. "Kaaang, naha tega akang ngantep abdi bade dipimilik kunu lian ?" ngan sakitu, segruk nangis maseuhan dada kuring, nu ngan ukur bisa ngahuleng ngaraga meneng.Akhirna kuring maksakeun kedal lisan najan haroshos jeung kurang tatag "Nung kanyaah jeung kacinta akang estu clik putih clak herang salawasna bakal nganteng ka diri anjeun, tp dalah dikumaha akang teu bisa walakaya da bongan baheula indung akang kungsi digerebeg hansip alatan disumputkeun ku bapa anjeun."

IGA BURUNG

Kénging Rukman Ranudinata
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 20:51:24

"Kecil amat, kalo iga burung. Gimane nikmatin makannye. Kagak bisa dibikin gulai",ceuk Bang To'ing. Kang Dadang ngomong di jero hate:"Eeehh dasar urang Batawi nu kakara lunta ka Bandung, ieu iga burung aing kabadug ku siku maneh, bieu aing nyebut aduh iga burung teh. Nyeri deuleu!". Tapi kang Dadang tetep nembongkeun sikep someah, di hiji kafe wisata kuliner Dago.

SALAH SAHA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 20:49:23

Beh ditueun baheula mah ngamandian ucing teh lain saukur kasebut pamali tapi estu dipantrang pisan sabab cenah bisa ngabalukarkeun datangnya hujan memeh mangsa. Jaman kiwari lain deui , duka saha nu ngamimitian make jeung loba salon husus tempat ngamandian ucing sagala rupa . Kukituna bisa kabayangkeun mun dina sapoena aya sapuluh ucing nu ngahaja dimandian ,ulah nyalahkeun sasaha mun dina waktu sapoe bisa kajadian hujan aya kana sapuluh kalina .

MUATAN

Kénging Kez Sukezz
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 20:20:54

Wanci peuting. Kuring megat angkot. clek !. Laju ngadius ninggalkeun kamelang. Hawa karasa tiis. Nyecep satulang sandi. Aya teuteup leleb marudah keuna diri. Kabaya bodas ngaborelak. Sinjang lanjang mapaesan papanting. Panonna cureuleuk. Damisna kuwung-kuwungan. Angkeutna endog sapotong. Geulisna kawanti-wanti.
Manehna sakur unggeuk sanggeus ditanya,"Dupi ibu bade ka mana?". Aneh tapi acuh. Komo deui supir, kalalanjoan. Barang nenjo nu nengah tuwuh les ngaleungit. Ngarenjag!. "Saha sabenerna?"na gerentes. Manehna nyampeurkeun gigireun. Kuring peureum. Aya nu ngusapan kana pipi, tiis !. Barang beunta, panonna buncelik. Nu sabeulahna ngucur getih. Asak!. Beungeutna robah rupa. Pias lir babatang kakeueum. Dumadakan sungut bisu, awak paraeh teu bisa ingkah. Tutunggulan. Sakur sasambat,"Qul huwallohu ahad!" cekeng. Manehna ngalelewe, "Qul huwallohu ahad", cenah bari ngobah-ngobah huluna. Teu kaampeuh,"Hwuaaaaaaaa!!"ngeleper. Saharita kuring menta diturunkeun tina angkot. Supir nyumponan. Sanggeus turun kuring neuteup si supir nyarita sorangan,"Tos atuh Ema, teu kenging ngaganggu jalma. Gara-gara Ema..Acep janten teu gaduh muatan.."

USWAH

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 20:08:06

Tos dua taun kang jeki liren ngajegeran teh. Tapak-tapak tina kabedangna ayeuna mah tos dilesotkeun. Unggal dinten tara kakantun berjamaah di masjid. Sok sering katingali aya keclak cisoca di lebet solatna teh. Padamelannana ngan ukur nutur-nutur mama ajengan, jalmi nu ayeuna janten panutannana. Sadaya padamelan mama diturutan, ti kawit cara nganggo raksukan dugika cara ngalengkahkeun sampean. Malihan, dina hiji waktos mah, dina wangkid mama nuju di lebet jamban. Kang jeki ngahaja noong. Pajarkeun teh hoyong terang, kumaha carana mama beberesih sabada kahampangan sareng kabeuratan.
Aya saena we mama tos teu kagungan garwa. Da upami kagungan keneh mah, teu kabayang renghap ranjugna kang jeki dina nalika mama midamel pasunatan.

OEDY VAN HOLAND

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 20:06:03

Oedy van Holand jeung grup band-na bangun nu daria naker nembang lagu "Dooms day " dina luhur panggung nalika acara konser band musik black metal.

Ceuyah panongton ti handap panggung bau késang jeung alkohol, nu japlin, nu ngasong-ngasong leungeun ménta sasalaman, malah aya nu ngajéwang jeung maksa naek ka panggung sagala.

Gajleng. Aéwé tengah tuwuh naek ka panggung bangun nu énténg bari ngagabrug si Oedy. "Sarkodi ituh deulu siah Si Oleh anak manéh titeulum di leuwi embé deulue! Ari nyaneh ngan gégéréwekan we didieu nya!". Géréwek Ma Éméh nandingan gelap neunggar ceuli si Oedy. Pakalangan konser ngadak-ngadak kawas gaang katincak. Simpé.

CITRA NU MAWA MAMALA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 20:03:20

basa caang ngoleab ka lebah wanci sareupna, aya gagak ngelak nyieuhkeun mangsa katiga, kasonona leuwih ti batu nu ragrag ka wahangan, alatan raga leuwih mentingkeun citra asma, kasono balarea teu beda kala nu keur diuji coba, sapanjang kakawasaan aya na leungeun manehna

NU TEPUNG DINA BEUS

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 19:54:18

Karunyaeun nempo kuring leuseuh salila perjalanan Yogya-Tasik, manehna nganteurkeun nepi ka imah. Sakalian we menta tulung sangkan daek ngaku kabogoh kuring bisi pareng ditaros ku Mbu. Sanajan kerung, manehna nurut oge. Puguh ka Yogya teh niat ngahadiran walimah calon dahuan, kalah disampakkeun layon Mas Yoga nu tiwas keur lintas alam. Padahal geus jangji ka Mbu rek ngajak mas Yoga ka Tasik, rek ngawanohkeun calon minantu nu bageur tur kasep.
Saminggu ti harita, kuring dahup ka Kang Miman nu panggih dina beus tea.. Manehna bisa ngayakinkeun hate kuring. Teu direnceng-renceng. Malar Mbu reugreug we, kuring tos aya nu miheman. Heuleut dua bulan, Kang Miman amitan rek ka Bogor neruskeun usaha. Kaciri sumangetna komo apaleun kuring nyata-nyata positip, langsung jadi. Memeh indit, mere heula alamatna nu di Bogor.
Dua minggu taya beja, kuring nyusul bari niat mere ‘kejutan’. Alhamdulillah nepi, dipapag ku bapa-bapa nu kalaluar ti imah nu dituju. Kuring bati ngahuleng ngadenge ti dulur-dulurna, yen ta teh natusna Kang Miman nu maot kacilakaan saratus poe nu kaliwat. Ari ieu? Kuring ngusapan beuteung … Sidik lain ngimpi!
Kiwari, utun inji teh geus sawawa, rengkakna persis almarhum…

NENG ESTI

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 19:16:10

Nyeh manehna seuri basa neng Esti leumpang sorangan
Segruk manehna ceurik basa neng Esti di rapalan
Nyeh seuri basa salaki neng Esti Maot ka samber guludug
Segruk ceurik basa neng Esti Di candung Lurah
Nyeh deui seuri basa Lurahna tara balik
Segruk ceurik basa neng Esti Maot di Santet
Sakapeung seuri sakapeung ceurik bari pakean rarabet di iring iring budak.....

PAPATAH MAHIWAL AKI

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 19:05:51

"Jang, hirup mah ulah darma wawayangan. Dalang ngeunah da dibayar, bisa nyandung sagala. wayang mah geus teu diburuhan teh diimahan ge dina kotak pasedek-pasedek."

KANCING KUTANG

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 18:58:25

wanci poek bulan basa tukang putu ngadorong rodana ka lelewek heurin tur barecek,sora sirine teu eureun ngahiung tina haseup nu ngelun.
saurang budak leutik meni jigrah nampanan putu ti si emang sanggeus samemehna ngasongkeun wangun buleud siga duit kencring.Di imah indungna ngaleleke balas ngangsrodkeun kutangna da kancingna leungit hiji.

EUWEUH GADAG

Kénging Lenny Magdaleni
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 18:50:17

Boro-boro kapikiran, mikir ge henteu!

NU NYABA

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 18:25:02

Geus tujuhna, can kénéh aya béja.

PANGANGGEUSAN

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 18:24:11

Sakeprul ruhak tumiba lemah. Dunya lebur jadi lebu.

SUFI

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 17:03:56

Nugaran cadas manggih Emas. Sawaréh, kasarung di leuweung liwung.

GANDRUNG KAPEGUNG

Kénging Dadi Arya
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 17:02:28

Kabéh gé ditarimakeun ku cara nu sarua. Gideug.

BULEUDAN

Kénging Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 16:56:50

Jang Toto sakaluarna ti pangbérokan alatan Narkoba, dibagéakeun tur ditanya pangalamanna salila di jero pangbérokan ku anak buahna,
"Kieu yeuh..." ceuk jang Toto bari ngaguratkeun régang kai dina taneuh, nyieun dua buleudan, anu kahiji gedé, anu hiji deui leutik....
"Naon éta téh kang?" ceuk salah saurang anak buahna nu bingung ku pamolah jang Toto.
"Tah lamun urang maké narkoba, otak urang siga kieu, siga buleudan ka hiji asalna gedé tapi lamun geus ngagunakeun narkoba jadi leutik, siga buleudan anu kadua"
"Oohh..." saur manuk...
Terus Jang Toto nyieun deui buleudan siga tadi, tapi ayeuna mah sabalikna, anu kahiji leutik anu ka dua gedé.
"Naon maksudna éta téh kang, gening béda buleudanna jeung anu tadi?"
"Tah ieu mah, mun maranéh asup pangbérokan alatan Narkoba..... Méméh asup pangbérokan bool maranéh leutik ibarat gambar nu ieu, engké mun maranéh kaluar ti pangbérokan, bool maranéh ngagedéan siga buleudan nu ieu "
"....Anjriiittt..." saur manuk.

TEU DISARUNG

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 16:55:36

Rurusuhan da sieun kapiheulaan imam jeung khotib,sabab tadi teh sabada senam aya breefing heula di kantor.Porosot ngalaan calana training diganti ku calana nu biasa dipake maen badminton supaya mun sujud ulah kaciri aya siki kalapa ceuk barudakmah.Geuwat ngarawel sajadah terus dikongkoyangkeun kana beuheung.Satengah lumpat bari ngarawel kopeah haji di luhur TV langsung tituturubun muru masigit anu perenahna teu jauh ti imah kuring.Barang nepi ka lawang panto masigit katingali jamla-jalma saleuri bari nunjuk ka lebah kuring, ku kuring teu dipirosea langsung ka we ka jero. kabeneran aya lolongkrang dina sap nu ka tilu, bar sajadah diamparkeun langsung shalat tahiyatul masjid..ditukang jeung di gigireun jamaah beuki rame, waktu kuring ruku, Masya Allaah geuning dampal leungeun kuring langsung nyagap kana tuur teu kahalangan nanaon pantes barudak aya nu satengah ngoceak satu, dua,satu,dua. disangkana meureun kuring rek senam rohani.Kuring nyuuh ngudupruk awahing ku teu ka ampeuh nahan kawirang,waktu jalma rada simpe kuring ngorejat gajleng luncat kaluar kawas kelenci nu keur diudag ajag, nepi ka aya salapanna jalma nu ngajurahroh kadupak ku kuring.

MIHEULAAN

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 16:51:31

. Kurang keneh mun hayang cumpon mah. Teu gede keur ukuran babaturan mah, tapi karasa sagede gunung keur Hadi anu anteng ninggali gunung. "Meujeuh bitu mun", cek Hadi ngawawaas bari nangtung dina lawang panto. Saliwatan kadenge budakna ceurik meh bareng jeung gerungna mobil hareupeun imahna. Treuk terus maju, ukur ninggalkeun sora knalpot nu meh minuhan uteukna nu keur muter neangan duit nohonan sesa nu dibutuhkeun. "Hanjakal didinya miheulaan kuring", pok babaturanna. "Padahal mun didinya pageuh kana jangji rek niat bareng. kuring tiluan rek mantuan. Tapi kabeh paniatan kuring jadi batal, kusabab didinya miheulaan. Sok we wilujeng. Sing gancang beres kalayan lancar", cek babaturanna, nu ngabalukarkeun Hadi tambah poek. lungleng bari nykel pageuh kana tambang.

IRONI

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 16:47:01

Parusing pisan hirup téh. Duit loba, jaba pangabutuh euweuh..

WAAS

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 16:24:49

Pasosoré kieu biasana sok liwat téh..gerentes haté bari cingogo deukeut gorong gorong..nyaan weh si wanoja liwat anjeucleung na mtor metik d bonceng bapana pas hareupeun meni tug tugan ningal tuur nu sakitu mulus olohok mata simeuteun teu tolih nanaon basa aya nu nampélod na beungeut timunding nu ka géléng ku motorna.

HIJI POE HIJI MANGSA

Kénging Ahda Imran
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 16:23:31

SARENGSE na turun tina awak eta awewe, sarengse na mandi, sarengse na dibaju deui, sarengse na mayar, eta awewe tuluy we netep ka manehna. "Asa apal kana bau kesang Akang teh," ceuk eta awewe. Sajorelatan mah dua nana silih pelong, tapi gancang maneh na kaluar, megat taksi. Dina ranjang, masih talanjang jero simut, panon eta awewe cirambay. Manehna apal pisan kana bau kesang eta lalaki. Duit tuluy diasupkeun kana loket, ditunda tukangen potret lalaki nu kesangna napel keneh dina awakna. Manehna ngan bisa nyegrug...

PAMOEAN

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 15:16:50

Geus aya nu nyieun deui pamoean hareupan imah. Karek peuting tadi dicacag tihang. Geus rantuy deui. Sareukseuk deudeuleuan. Kolor, baju, kutang, calana, urung bantal nepika sepre. Padahal rek popoe mah dina suhunan sewang-sewang we, ari teu garableg lahan mah. Ambek. Lain sakali duakali . Remen pisan diomongan, eh, kalah ngaharajakeun. Sugan kudu dituar beurang-beurang. Rurusuhan nyokot bedog. Gedok. Gedok. Tihang pamoean dihanca. Duanana dituar. Tambang pamoean dipake meungkeut popoean. Kop siah. Cekeng bari nalikeun tambang satakerna. Taya nu kaluar ti imah najan dina jandela loba panon nu nenjokeun. Ngahaja beurang ge meh katenjoeun yen nu boga tanah teu suka dipake pamoean. Sup ka imah. Asa meunang perang. Kacipta tingkareteyep milihan baju sewang-sewang dina beungkeutan tambang. Tambang anyar keneh katenjona mah. Pamajikan teu lemek teu nyarek. Sieun sigana, da manehna nu sok ngaheueuhkeun ka tatangga nu nyieun pamoean. Goledag, asa bakal pitibraeun geus budal kakeuheul mah. Jaba asa moal waranieun deui. Rek ngalenyap pisan. Kadenge sora nu nu gegedor kana panto. Rongheap tatangga mawa tambang. Tambang pamoean. Sidik. Jol ngagabrug. Tambang nyangreud kana beuheung. Dibetot satarikna. Horeng teu saurang. Awewe, lalaki, budak. Kabehana tipepereket metot tambang nu nyangreud dina beuheung. Beuheung. Beuheung.

BAPA TULADAN

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 15:14:08

Ningali rapot budakna: Réngking kahiji..! Panonna langsung burahay. Moal aya dua ambekna nu jadi bapa.
“Manéh téh rék jadi naon atuh engké geus gedé? Peunteun aralus waé. Ulin tara. Dititah maén game mumul. Hanas ku bapa geus dipangmeulikeun PS 3, tara dirérét-rérét acan. Naon kahayang manéh téh? Ngahaja ku Bapa tara dipangmeulikeun buku. Da éta manéh mah, ngan maca jeung maca wé pagawéan téh. Awas siah, mun seméster hareup réngking kahiji deui, ulah nincak imah ieu deui..!“

NAHA

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 14:57:04

mang Wira isuk kénéh geus dedeheus ka abah Umar. ari mang Wira teh salaku bendahara masjid di lemburna, ari ketua DKM-na abah Umar. maksad dedeheus ka abah Umar teh bakating ku keselna seueur nu rek nginjem duit masjid ..........................

CARITA LAHUTA

Kénging Rukman Ranudinata
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 14:30:45

Aya biwir keur manyun nyungcung ka hareup, balap jeung irungna nu rada mancung. Teu katangen awewe atawa lalaki, ngan nu pasti teu kumisan...da dina kuluwung liang angin, jolna ti luar bilik. Anginna ngahiuk...lir ngabejaan bulu punduk...atuh rey bulu punduk mang Suhadma. Puriding puringkak, taya sasaha dilieukan teh. Ah, cengkat weh bari jolad-jolad ngalengkah pindah. Pikeun nyingkahkeun kasieun, mang Suhadma ngaluarkeun padudan tina saku calana pangsi nu keur dipake, dibakoan...cekeees diseungeut. Pelenyun udud, serebung haseupna mulek, puuusss serebung haseup teh ngajirim jadi biwir manyun. Biwir manyun eta arek nyium pipi mang Suhadma, ditakis. Ari ditakis jleg ngabelegbeg jadi putri...JIN

SANAJAN

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 14:27:02

sanajan geus aya email, aya sms, aya pesbuk, aatawa aya twitter oge, panyajak mah angger weh mun nitipkeun kasono teh sok kana angin, daun, panonpoe,bulan, atawa ciibun.

DASAR WANOJA

Kénging Nana Slamet Tresna Aji
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 14:11:45

"Protés. Urang kudu protés ka Pangéran. Teu adil. Keur mah bubureuyeungan salapan bulan, heug dina waktu ngalahirkeun kudu nandangan lara malah bisa nepi ka nemasing pati," cék saurang wanoja nu kaitung kokojo dina hiji démontrasi nungtut kaadilan ka Pangeran. "Akur ... akur!" Saur manuk.
Reup, ngadadak alam jagat pramudita poék mongkléng butarajin. Ngong aya sora lan katingalan, "Héy para wanoja! Kula geus nyaho naon kahayang silaing kabéh. Heug ku Kula ditedunan. Ti semet ayeuna rasa kanyeri dina waktu ngalahirkeun ku kula bakal dipindahkeun kanu jadi bapa." Les sora leungit, bray bumi alam caang deui. Atuh kaum wanoja nu darémo surak ambal-ambalan, sawaréh patingrangkul jeung pada baturna.
Tah harita, mun aya wanoja nu ngalahirkeun, bapana orok nu gugulingan nahan kanyerina. Ngan kituna téh teu lana sabab para aktipis wanoja sakuliah dunya ngayakeun démo deui anu leuwih rongkah. Paméntana sangkan rasa kanyeri dibalikeun deui ka maranehna. Ari gara-garana mah teu pira. Pas permaesuri di hiji karajaan ngababarkeun, atuh naha nu gugulingan nahan kanyeri téh sanés raja, nanging badéga anu tugasna ngurus kuda.

MORO NU PUNDUNG

Kénging Tatang Supriadi Art
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 13:57:54

meusmeus Ki Surip jeung Ni Salti ngaregot Es cendol.panas poe ereng-erengan,kuring ukur kumetap,kabita,tapi duit timendi apanan kuring teh can manggih deui gawe nu anyar.saenggeusna disiksa ku PHK.di tambah deui pamajikan nu pundung,kabur moro imah indung bapana.dacarek diulah-ulah ge da teubeunang di bebenjokeun ku omongan,pan manehna teh lain ukur sataun rumahtangga jeung kuring teh!..budak geus nyampak dua.teu kuduna pundung kaduhung ka kuring teh,sing enyana kuring geus kuat nyanghareupan hirup nu sakieu balaksakna,pan mun nu jadi pamajikan ngarti jeung silih nguatkeun mah,moal enya kuring kikieuan!..balangsakna leuwih tibatan teu boga harta.

''nyai,,,geura uih...kadieu nung!..hampura akang.''

TELENGES

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 13:36:37

asa kabeberah hate teh basa manehna ngajak kuring ka taman. endah jeung asri. komo deui kuring ngan paduduaan jeung manehna. diuk dina amparan jukut nu semu rada baseuh cai ibun. manehna ngusapan leungeun kuring bari neuteup. lila kuring jeung manehna silih teuteupan. pok manehna ngecap " Eulis, hampura akang geus midua....akang nyaah ka eulis tapi akang boga cinta nu lian...". asa kabentar gelap,asa napak asa henteu, hate kacida nyerina. " akang......TELENGES...!!!"

PELOR

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 13:28:01

Dina tembakan nu katilu, timah panas, mebes, nembus, meupeuskeun batok tangkorakna. Si buuk cepak, seuri ngagakgak. Ngok tungtung pestol di cium. Lep..! diselapkeun deui na sela-sela kelekna. “ Wilujeng Ngawangun Nagri !!,harewosna. Mayit di gusur, laju digebruskeun dibageakeun ku batu-batu nu nalonggerak na dasar Jurang. Sapasang panon nu titatadi nyerangkeun, ngan ukur bisa ngarahuh, Panonna hurung kebek ku amarah. Bareng jeung ngilesna si buuk cepak, manehna kaluar tina panyumputanana. ”Bapa !!!”, aweuhan sorana, parat ka tungtung jurang. Dina rerembetna kakayon leuweung, aya bendera leutik kokolebatan. Gambarna beda jeung nu biasa di tingali ku urang.

DAVID BECKHAM JEUNG SYAHRINI

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 12:49:55

Tara juma'ahan

NYUMPUT

Kénging Dhipa Galuh Purba
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 11:44:17

Malik: “Nyumput dimana ayeuna?”
Bebeng: “Mending didinya wé. Kajeun uing nu kadinya ayeuna...”
Malik: “His, ulah... di Galura mah kapan juma’ahan téh di rohangan gigireun pisan. Bakal kanyahoan mun teu juma’ahan téh. Éra ku Kang Édy...”
Bebeng: “Cik telepon Si Dhipa, tanyakeun nyumput dimana ayeuna,”
Malik: “Si Dhipa mah geus tirakat di Masjid ti jam 9 mula. Rajin ayeuna mah juma’ahanna ogé,”
Bebeng: “Coba kontak atuh Nana Munajat, Matdon atawa...Nandang Darana...”
Malik: “Tah... enya bener...”
Saban poé Jum’ah maranéhna paciweuh, néangan tempat panyumputan, kira jam 11 nepi ka jam satu.

NUNGGUAN

Kénging Budi Muhammad
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 11:32:45

“Queen, you are energy. Please come”

Gerentes manèhna, bari nungguan sms nu tacan aya laporanna. Geus dua sms anu bangkar, can tangtu nasibna

GUSTI MAH MAHA UNINGA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 11:14:02

Beda pisan adi jeung lanceuk teh laku lampahna, bubuhan jelema salieuk beh.ki lanceuk ampir teu sirikna unggal peuting ka cape,bar,tempat hiburan malam,geus puguh warung remeng -remeng mah tara aya nu diiwat.padahal ku indung bapana nu jenat,geus dipangnyieunkeun masjid nu camperenik di pasir tukangeun imah nu un-
dak-undakanana tina marmer sabababarah umpak,nu maksudna meureun ambeh genah tumaninah jongjon ibadah tahajud jeung zikir dina simpe.Ari ki adi jauh pisan jeung pangadatan ki lanceuk,teu weleh ibadah jeung zikir,tasbe tara leupas tina leungeun, shalat 5 waktu teu weleh dilakonan,shalat tahajud pon kitu deui tara kendat unggal peuting munajat ka nu kawasa.
Dina hiji peuting wanci janari leutik,keur jongjon ki adi shalat peuting,ngolebat kalangkang ki lanceuk, gerentesna ati ,aing teh loba pakaya titinggal indung bapa naha aing teh teu ngasaan ngarasakeun nimatna dunya siga ki lanceuk,mun kitu mah aing teh rek nyusul ki lanceuk hayang ngajaran kumaha rasana kahirupan peuting teh, rek diancruban ulah ki lanceuk bae anu senang ngahambur-hambur duit.
Dina mangsa anu sarua sakitu ki lanceuk satengah mabok,ngolebat rupa ki adi,duh karunya teuing ka adi teh,aing meakeun banda titinggal kolot, ari adi menekung ka gusti nu maha suci keur bekel engke di aherat,mun kitu mah aing rek balik nepungan ki adi babarengan ibadah ka pangeran ,adi dagoan akang rek balik..
Adi jeung lanceuk nyebrut lumpat muru tujuan anu beda, adi turun tina hambalan lanceuk naek tina hambalan jeleger adi jeung lanceuk tabrakan ditengah hambalan,palastra ngemasing pati sapada harita adi jeung lanceuk,ceuk beja,layon ki lanceuk ngahiliwir ngadalingding seungit malati,layon ki adi narekab bau bangke nu meh buruk.Gusti mah maha uninga.

SEER JALMA NU GES POHO

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 11:13:24

Isuk keneh kuring ngoloyong ka tukangeun dapur, niat na rek nyiram bibit sirsak, bray-bray cahaya panon poe lalaunan nyaangan tukangeun imah sim kuring, sim kuring ngareret ka panon poe, ras inget kasauran kang Ahmad guru ngaji baheula..." kiamat teh kajadiana dina dinten jum'at, alam dunya poek, eweh isuk eweh beurang, poek salila-lila, ges kitu panon poe na oge bijilna teh ti beulah kulon......" sim kuring ngagerentes dei dina hate "....nuhun panon poe, anjeun masih keneh kaluar nyaangan alam dunya ieu,sanaos seer jalma nu poho ka anjeun, anjen angger bijil ti belah wetan henteu bijil ti belah kulon........."

BELA

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 10:26:47

Mun dipikir pikir, eweuh untungna, huhujanan, kapanasan, malah nepi getih gé dibikeun 17 jaitan dinu leungeun, jeung mélaan manéhna, pernah hiji mangsa nepi nyéwa taksi ti bandung ka Jakarta bulak balik, bati gajih sabulan gawé, ukur hayang mélaan manéhna,.. PERSIB.. titik..!!!.. *3. (seepkeun ah, seja amit bade nonton PERSIB).

HIJI NAGRI

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 09:09:39

Jelema maot, ka béntar gelap keur macul, nya biasa, tapi aya di hiji nagri jelema maot, keur dahar bistik, ka béntar béja, yén, “eusi dus mie, dinu bagasi mobil téh, kanyahoan Cakcak Bodas...”… *2.

KHUTBAH JUM'AT

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 09:00:48

Harita tahun 82-an, kuring nganjang ka imah lanceuk di daerah Cilokotot, Margahayu Kidul. Tanggal jeung bulanna mah poho deui, ngan poena mah nepi ka iraha oge pasti inget, Juma'ah!
Kacaturkeun nu jadi Khotib harita nyaeta hiji kolot nu geus tawehwoh kacida, mun teu salah ngaranna Aki Juhdi. Ti mimiti awal khutbah nepi ka ampir beres, alhamdulillah... teu kaharti eusina. Teuing nu sejen mah. Pas dina akhir khutbah, manehna ngucapkeun kieu: Innaloha ya'mur bil ahdi wal ihsan wa ita ITIL qurba............, atuh gerrrrrr jama'ah sareuri. Duka tah, shalat juma'ah harita teuing jadi teuing henteu keur nu aya di dinya.
Pan kuduna mah "..............idzil qurba.... jeung saterusna..."

KARNA MANGSA NGORA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 07:50:30

“Mun enya sajatining satria teu kudu loba carita, anjeun lain ti golongan kasta nu teu walakaya, anjeun satria panengah Pandawa nu cenah sakti mandraguna....” ceuk Karna anak kusir Adirata jiga nu ngahoa. “Arjuna, mun enya anjeun geus pinter mentangkeun jamparing tina gondewana, tong loba nyarita geura pentangkeun eta jamparing, anjeun tangtu bakal meunang jawaban saha nu leuwih pinter, saha nu leuwih sakti, kula atawa anjeun...”
Nu lalajo uji olah wirayuda teu sirikna reuwas, nu tadina seah bari neuteup anak kusir Adirata ngadadak jempling nempo satria panengah Pandawa ngadadak wera. Belesur-belesur Arjuna mentangkeun jamparingna disusul ku jamparing Karna. Arjuna wowotan, Arjuna teu manggapulia nempo anak kusir Adirataolah wirayudana mapakan manehna.
Kurawa surak, Suyudana teu sirikna luncat, laju nangkeup Karna diteuteup ku panon Arjuna nu amarahna ngabebela.
“Hiji waktu nu geus tangtu, aing kudu panggih jeung manehna di medan laga...” gerendeng Arjuna bari ninggalkeun lapang uji coba olah wirayuda.

BAROKAH

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 07:44:18

Hirup di jaman kiwari mah geus eweuh barokahna dun..!!!, “émang kunaon kitu ya??”, nya kitu téa, céngék gé geus teu lada… *1.

OYAG

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 07:38:01

Dunya oyag, gunung bitu, langit ragrag, cai di samudra budal ka daratan, urang bade nyumput kamana ieu?. Dunya dioyagkeun ku Gusti.

KA26

Kénging Hadzy Dkc Propitious
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 07:31:59

"Mun kuntilanak ti Holywood pasti make bajuna bikini !" Ceuk tukang baju bari aral,lantaran can ngalarisan.

MEUMPEUNG

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 07:27:49

Meumpeung hirup ngalawan kana aturan nagara. Meumpeung hirup ulinna sareng setan. Meumpeung hirup poho kana paeh.

IRAHA

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 07:23:56

Tatangga meuli mobil, iraha urang?. Tatangga ngadegkeun imah agreng, iraha urang?. Tatangga pelesir nguliling dunya, iraha urang. Tatangga dikurebkeun di jero taneuh, iraha urang?bari sumujud di tengah peuting.

DAWUHAN SANG PRABU

Kénging Rukman Ranudinata
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 04:45:40

Di karaton Salakagandring aya gempungan nu maha penting, sawala ngeunaan kaayaan nagara Galuh Argapura. Sang Prabu Godya Swarnaningrat linggih lungguh timpuh nurweksa dina kursi gading, singgasana peyoga. Pok biantara ka para mantri katut para wakil mantri:"Para Pamong sadaya, kula manggil andika sadaya...aya naon pangna kula manggil?" "Dawuh Gusti Prabu...Abdi sadaya baris ngestokeun kana pidawuh Gusti Prabu", ceuk para mantri jeung para wakilna"bade aya pangersa naon, pangna Gusti Prabu manggil? Sakali deui Sang Prabu nanya:"Enya, aya naon pangna kula manggil?" Atuh baringung sakabeh anu aya ngadeuheus harita teh. Sang Maha Patih ised-isedan diukna, dituturkeun ku Wakil Sang Maha Patih...Ised-isedan ngadeukeutan para Pamong, ngaharewos. Ngupingkeun harewosan eta, para Pamong eta renghap ranjug, gimir jeung waswas. Mantri kautanan katut wakilna inget kana leuweung nu ampir ledis, dibukbak ku investor bandar sawojajar. Mantri padagangan jeung wakilna inget kana banjirna impor jeung mandegna ekspor. Mantri Kaduitan inget kana inflasi, ari wakilna mah muka dompetna sorangan. Wah...sadaya Pamong nu hadir harita...teu genah cicing. Dawuhan Sang Prabu:"Inget rayat, nya...ulah ngan wungkul inget kana urusan sorangan!"

TEU WALAKAYA

Kénging Irfan El Fikr
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 04:21:34

Kukitunamah uyuhan hirup kénéh gé. Ungal waktu disiksa, unggal mangsa dikakaya. Diawur mah diawur ngan kumaha bisa ngahuap ari dikungkung mah. Saking ku teu kuatna malah kungsi rék nelasan diri ku ngagantung karep na tangkal jéngkol pipireun imah. Ngan untungna ka tangén ku Mang Juha nu rék nyadap. Bedo wé antukna.

Timangsa ka mangsa awakna beuki ngorotan, tatuna beuki gudawang. Di kamarna, ramat ting karayap na tembok pulas biru campur lukut. Bau supa, hangsuer, koweh jeung bau awakna campuh parebut tempat dina pangambeu. Manéhna ceurik balilihan. Kalan-kalan seuseurian sorangan, keukeuleuweuhan, ngobrol sorangan.

Kolémbar deui saurang wanoja, maké dangdanan pangantén, ngjingjing gobang. Digéndéng saurang lalaki. Imut ngagelenya, leumpang kahareupeun manéhna. Bari keclas gobang ditigasken keuna pisan kana haté manehna.
Barawak!.
Tatuna nyiklak dui, gudawang deui. Jerit manéhan ngajerit. Ceurik balilihan.

"Téga anjeun jungjunan! Tega! Anjeun sulaya! Naon atuh dosa akang jungjunaaaan!"

Brak!
Panto kamerna muka. Indungna ngajerit, terus kapiuhan. Lanceuk awéwéna ngocéak bari nangkeuup suku adina nu ngagantung.
Asep Opat taun nandangan gering batin, perlaya digantung karep ku kapeurih di tingal kawin bébéndéna. Teu basa, teu carita.

HALIMUN

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 02:52:39

sahandapeun tangkal, aweuhan angin ngagalindengkeun kaéndahan tan watesan. lir kawih malakat samangsa ngadegkeun ieu buana. pucuk dangdaunan pating arulang, ngahiap-hiap katineung nu narawangan pikiran papada urang. teuteup awor, kawaas ngabarasat ngahibaran halimun nu kiwari ngagulung saluhureun embun-embunan. "kang, rék naon nu dicatet pikeun mungkas lalakon urang?" anjeun ngaharéwos. aweuhana nyaliara sajeroeun dada. "akang can boga kecap, neng. horéng loba pisan kanyataan nu ukur bisa dirarasa, teu jadi ungkara!" kuring ngawalon, teuing keur saha. "kapan dina satiap carita kudu aya tungtungna, kang" sora anjeun beuki haroshos. sahandapeun tangkal, kuring ngaragamang kana cangkéng nu geus lantis ku késang. "hampura, neng. hampura pisan. akang teu boga kecap. tapi akang geus boga tékad nu buleud!" péso dipesat. seuseukeutna nojo urat beuheung anjeun.

SONO

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 00:53:13

Hatena teu reureuh mikasono, panonna beueus carinakdak meueus meueus ngeclak hiji hiji ahirna murubut teu bisa nahan, mung dunga nu teu weuleuh ngagalindeng na dasar hatena.
"Ema...! Bapa...! abdi sono...!!!", lumirih sorana ngabaur jeung angin peuting,
"Yaa Alloh, mugia Alloh SWT ngariksa aranjeuna di alam kalanggengan...
Robighfirlii walliwaallidayya warhamhumma kamma rabbayani soghiiroo...aamiin...!" Dungana nu manteng dibaturan ku baranangna bentang.

KINANTI

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Désémber 2011 00:29:05

Kabeh satia satuhu
Bewara ti Nazarudin
Teu aya nu wani mungpang
Da hadiahna dianti
Kajeun teuing teu usaha
Asal fikmin jadi ginding..