Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Novémber 2011 (69 Naskah)


LUNCAT

Kénging Siddiq Ajiz Bojil
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 23:46:34

Pas basa ka Pangandaran, simkuring sareng rerencangan ulin ka Cagar alam. di cagar alam eta teh aya jurang nu dihandapna teh laut, lumayan jero tah jurangna teh. aya kana 40 meteran mah. pas keur ngarumpul dina dekeut jurang eta teh aya bapak bapak, setelanna mah siga jelema jegud. nyarios manehna teh : " saha nu wani ngajleng ti eta jurang, tuluy ngojay ka pantai.. ku sayah di buruhan 500 rebu.. !!"

SOSONGĒTEUN

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 23:41:23

Jam antik titinggal uyut di juru rohang tamu disada salapan kali. Nu dianti-anti teu baē sumping. Ka mana atuh panutan tēh ? Kapan sakitu ēcēs disebatkeun dina SMS, yēn sonten ieu tēh salira badē sumping. Badē nepangan pun bapa.
Ku abdi diantos ti sonten mula. Kēnging dangdos sataker kebek. Engkang teu aya datang. Naha bet jalir, jungjunan. Atanapi lali panginten salira tēh ? Upami aya pamengan nu teu tiasa dikantunkeun, geuning bet teu ngawartosan ? Telepon di rorompok aya. Handphone ogē tara dikantun, da bilih salira ngagentraan. Upami jalir atanapi ngahaja lali tēa mah, teungteuingeun teuing atuh, jungjunan. Kantenan upami ngahaja lumpat tina tanggel waler mah. Duh, saha atuh engkē nu bakal janten bapa si utun ?

BATI HAYANG AMPROK

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 23:18:59

Poé maju ka magrib langit ceudeum nandakeun rék hujan. Ampir dua jam kuring cindeluk nungguan giliran, kesel jeung cangkeul teu dirasa bakat hayang amprok jeung manéhna, padahal mah karék minggu kamari jonghok.Waktuna amprok manéhna teu loba carita, kapanasaran can kabéh kabudalkeun geus nitah kuring kaluar ti rohanganna. Bati ngalelengkur nungguan téh ngan ukur paguneman teu leuwih ti lima menit jeung salambar kertas resép nu kudu dibeuli..!

TURUN RANJANG

Kénging Abi Cepian Ibn Al-khairi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 22:57:21

Malem kahiji nu kadua kalina. Di rohang kamar nu sarua. Ranjangna angger éta. Baheula mah lanceukna kiwari mah adina. Barang rék ngabaladah kuring asa-asa. Ras inget kana tasma paméré lanceukna mangsa malem panganténan baheula. "Nyi antosan nya sakedap" cekéng bari nuluy ngaléos nyokot tasma tina lomari. Maksud téh méh teu ragab. Méh ciga baheula mangsa panganténan jeung lanceukna. Barang tasma ku kuring dipaké. Ana bréh sajorélat pisan katénjo gambar lanceukna keur dicekék ku hiji wanoja. Nya kakara harita kuring nyaho, yén pamajikan kuring nu tiheula téh geuning dipaéhan kupamajikan nu ayeuna.

HAG

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 22:49:03

ayang ....... Kieu we atuh dari pada rungsing kusing , mending we ayeuna mah kulemkeun heula , tos moal leres diteraskeun oge badanten teh ........, mangga enjing bade diemutan , ari keukeuh mah palay dipirak , ke antosan ....aing ayeuna rek ngasah heula bedog sing seukeut.

KADEUDEUH KURING

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 22:24:06

Panggih jeung manehna teh, harita, tilu bulan katukang.Waktu uing ngiuhan, di Pos Ronda, nyingkahan cai hujan nu turun badag nakeranan. Manehna ngahodhod kabulusan. Sareret ge kaciri awakna cipruk. Nempo warugana nu pikarunyaeun. serr...weh aya rasa nyaah, nu nyaliara. Panonna nu ceuleuyeu di teuteup pinuh ku kadeudeuh. Waktu uing ngised ngadeukeutan , manehna tetep anteng cicing na tempatna. Bari ngawani-wanikeun maneh, awakna ku uing di usapan, manehna kalah ngahenen semu nikmat. Waktu nyerelek maju kaburit, hujan geus raat. Basa uing ngojengkang ti pos Ronda, rek neruskeun lampah, manehna nuturkeun lalaunan. Reg uing eureun bari mencrong manehna !, asa teu tega kudu ninggalkeun manehna sorangan di dinya. Antukna Clak ku uing ditumpakeun kana motor, laju di bawa ka imah . Ti harita uing jadi tambah akrab jeung manehna, malahan mun keur sare oge, manehna sok ngilu nuturkeun asup ka kamar . Manehna Ku uing di ngaranan si Ronda, buluna bodas nyacas, pinter teh ngala beuritna .

KEMBAR

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 22:18:57

Anjog ka hiji lembur jol pada neunggeulan jeung nyarékan majar kuring nu sok ngacokeun jeung ngabaruntakeun rumah tangga batur...
Anjog deui ka hiji lembur teu sirik di boro-boro di hiap hiap kawalahan ku nu ngajak sasalaman oge di ariring majar kuring calon pamingpin...

NGIPRI

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:54:33

Manéhna geus gilig, toh pati seba raga nu penting bisa hirup ngahenang ngahening. Awak kawas nirisan waktu kuncén nitah asup ka jero liang guha nu poék canéom sarta kaambeu bau hangru. Moal teu oray wungkul nu ngageugeuhna, wani sotéh pédah kuncén nitah meureumkeun panon. Barang bray beunta lain deui ngajenghokna, tétéla geus aya di jero karaton nu sakitu éndahna. Ratu anu diuk luhur korsi gading gilang kancana anu ditarétés ku inten linupit kacida nyongcolangna, geulis kawanti wanti éndah kabina-bina, lucu taya anu nuruban. Nu leuwih bagja sanggeus kuncén ngedalkeun maksud, langsung dikabul, sagigireun dibéré kabeungharan dikawinkeun ka ratu anu rancunit, minangka sarat.

MUKA POLA PIKIR

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:38:31

Aya sepuh anu naros"Ujang, "manuk"na atos disepitan teu acan?". Si ujang ngahuleng, "Abdi mah teu gaduh manuk". Urang anu nungkulan budak ti lanceuk urang buru-buru nengahan, "Punten apa, sanes kirang sopan tapi sanes manuk anu diajarkeun ku teteh abdi ka ieu budak tapi mamas". Eta sepuh gudag-gideg, "Piraku leutik-leutik geus diajarkeun kapornoan". Urang ayeuna nu ngahuleng.

KU SAHA

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:32:26

Motor di dorong bari hate ambek nu pohara..Teu sudi teuing motor aing aya di imah si randa ateul kasebelan keun siah balik sina leumpang teu sudi teing motor menang kuru cileuh kentél peujit mélaan teu jajan asal aya keur setor..bari terus nungtun motor muru imahna...Kurang ajar teuing siah Ujo karek kitu ge geus wani-wani nyalingkuhan aing...
Motor di sarandékeun dina tihang kasampak salikan keur nulis..Teu antaparah deui habek habek salakina di hajaran bari popolotot tur pepeta ..Naha siah balik ka imah aing...Keur nahaon siah tadi di imah si Jablay itu hah...
Bari satengah reuwas salakina ngomong...Naha atuh puguh kami teh keur bingung motor tadi teh aya nu mawa deuleu sabot kami maen catur...Baruk kapanggih ku nyanéh Icih dimana??...Nyao ah tembal pamajikana

LEUTAK JELEMA

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:24:26

"Muhun, mangga" ka dunungan nu heubeul bari ucas-eces, sura-seuri. Dunungan nu heubeul mere tonggong letahna dikaluarkeun, mun aya peso kereteg hatena eta dunungan bakal paeh. Aya dunungan anyar sarua kalakuanana ucas-eces, sura-seuri kawas jelema nu teu eucreug.

HENPUN

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:18:08

najan butut, mang taun-taun maturan jeung nutupan dosa,komo mun teu boga pulsa!

JAMPARING SRIKANDI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:10:51

Srikandi, wanoja pilih tanding. Jamparing-jamparingna kaceluk petingan. Tuda jamparing jieunanana pribadi. Lain hiji lain dua, tapi geus ratusan. Marengan gondéwana, mindeng ditémbong-témbong reueus pisan kana acara arisan, ka mall, ka kantorna. Dinangna-dinéngné. Srikandi, kacapangan Dayeuh Madukara, kaceluk ka awun-awun sa-Amarta nepi ka Hastina.
Kurunyung Nyi Putri manjang-munjung. Bumén-bumén di Madukara. Ngeureuyeuh nyieunan jamparing. Beuki lila jamparingna ngaleuwihan jieunan Srikandi. Srikandi guligah haté. Naha aya nu leuwih punjul ti aing, gerentesna. Tuluy ngutus pasukan pikeun ngajagragkeun Nyi Putri ka hareupeunana: “Jamparing kuring taya tanding. Jieunan nu séjén mah ukur runtah, lantaran teu luyu jeung téori nyieun jamparing nu bener,” pokna teureugeus bari mesat jamparing. Ditujulkeun ka Nyi Putri.
Nyi putri nemahan pati ku jamparing Srikandi. Anéhna, éta jamparing jadi bau bugang. Ari Nyi Putri jeung jamparingna jadi seungit malati. Ngadalingding...

TUNGGARA

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 21:09:25

Naon atuh nu tingkaracak dina hate teh,
jiga nu tebetah dina simpe,
saprak anjeun nebihan milih dirina.
Aya nu ngeclak tina panon waktu kuring apal anjeung ngabohong,
ngahaja ngajauhan tina sagala rupa nu hubunganana jeung ngaran kuring,
aya hanjakal minuhan dada waktu kuring apal naon nu ucapkeun ku anjeun ukur bohong....mepende hate nu guligah kukasono jeung cinta.
Anjeun lolongseran dina tengah peuting simpe, ngangaur dibandungan ku bulan jeung bentang .
Seredet hate nyeblak, peurih... ,geuning kabeh teh ngan sandiwara , air mata buaya.
Aya hanjakal minuhan hate , kunaon urang bet tepung deui ?

Bulan sakedap deui purnama kuring nyawang pameunteu anjeun nu buleud,
kuring seuri sorangan pipi kuring oge duaanana nyungcung jiga apem, tapi clak deui cimata sabab peuting ieu urang teu silih poyokan ,saha nu pang buleudna.
sabab peuting ieu geus aya jawabna hate anjeun teu buleud keur kuring.....

KEEDUTAN PANON

Kénging Melati Permatahati
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 20:43:29

Neng Ijeum keur ngahuleng be dina hareupen eunteng..lunggak lenggok jiga nu geulis bae...bari jeung luwa lewe mapantes maneh...segruk be ceurik teu pupuguh ...mani inghak-inghakan...atuh salakina nu keur sare teh ngorejat bari jeung rada lulungu..ari Neng ku naon ..ngatik ceurik sagala nyaho akang balik gawe cape jeung tunduh ku naon hayooo...!! nyarita kitu nateh bari jeung ngagebig keun awak Nenk Ijeum...!!! Neng Ijeum batan laun cerik nateh kalah narikan ..neupi ka si ambu jeung si abah tingtorojol ...hariweuswes nara nya naon aya naon...???? Salakina kalah gogodeug bari jeung garo-garo teu ateul era ku mitoha sieun di sebut nyiksa anak na..padahal teu pisan-piasan...bari jeung di leleumu ku salakina jeung ku si ambu akhir na neng Ijeum wakca maneh na ceurik teh kedutan panon nu katuhu..ceuk tatanggana bakal ceurik meunang musibah tah manehna ceurik ti heula supaya musibah na teu jadi ...ngadenge omongan Neng Ijeum kitu teh...si ambu,si abah,,jeung salakina olohok mata simeuten...bari jeung rada ambeuk jeung keuhel salakina kaluar ti enggon bari nyarita Neng tadi na akang moal wakca ka Neng ,,,tapi neng geus ceurik ti heula hampura minggu hareup akang rek sare di bojo akang nu ngora.........!!!!!cag Wasalam Neng Ijeum

RUNGSING

Kénging Ambuna Kaka
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 20:35:27

“Engkang! Basa Salira elat ngintun iber, jajantung bet neras ngageder. Ingis, elatna iber janten totondén ngahiangna kaasih Salira. Asa lawas kakangen ukur dikemu, diamparan alketip kapeurih dina warna beureum getih. Asih nu karasa, beuki ipis tina mamanis. Dugi ka iraha urang neras rungsing ciga kieu?”, nulisna teu kaur laju. Paneuteupna euntreup kana potrét nu diteundeun dina méjana. Tiluan, dipoto handapeun tangkal bungur di patamanan kampusna. Dirina diuk ngaréndéng jeung Miandra, sobat dalitna. Harita, leungeun Kang Andik anu kénca nyampay dina taktakna Miandra. Sedeng leungeun katuhuna kapan ngaranggeum ramo-ramona.

MUJA

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 20:30:56

Wanci ampir reup-reupan basa anjog ka imah nu rada nenggang jeung pilemburan ayana di tukangeun mumunggang wetaneun walungan anu nu meujeuh caah. Asa asa-asa rek keketrok tapi ku niat geus gilig saketrokeun pisan ti jero sora aki aki bangun nu geus surti..sok terus weh ka jero jang....
Lalaunan panto di surugkeun rkeeet muka kasampak aya aki-aki keur sila nyanghareupan sasajen...
Moal hanjakal jang...pokna sanggeus nitah diuk bari nyodorkeun cikopi dina bekong awi...
Gilig ki geus teu kuat ku panghina batur pokna bari ngarongkong bekong nu ngebul keneh lek di inum aneh cai nu sakitu katingal panas bet asa cai bari bae...
Mun kitu hayu tuturkeun aki..kuniang nangtung bari menerkeun iket..Samemeh miang si aki nyarita...Omat jang mun geus turun ti imah aki si ujang ulah ngareret katukang terus weh tuturkeun aki..
Salengkah dua lengkah karasa beurat tapi di paksakeun da geus kagok cenah piraku jauh-jauh di jug-jug kudu mulang deui bari teu hasil...
Asup ka hiji leuweung nu geledegan di hareup si aki leumpang bangun nu geus apal jalan padahal sakitu rembet jeung hara haraeun ti kajauhan hawar hawar sora anjing leuweung meni melewung matak keueung...
Sabot tonggoy nuturkeun si aki ngadadak jep jempling teu kadenge sora nanaon bray leuweung nu poek mongkleng caang lir beurang tapi taya panonpoe jalan anu tadi tarahal teh bet ngabulungbung rata jeung asa ku lalening...
Ngadadak ngolebat rupa rupa kajadian katukang...Serahkeun abdi kang...meh ampir unggal waktu kitunateh...Sisindirna mitaho jeung rabulna nu nagih kecewisna tatangga jeung inghakna budak basa teu sakola alatan teu aya bekelna....
Teu kasawang naha jadi sasar lampah...

RANDA NGORA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 19:48:33

Luhureun mersi warna kulawu. Kuring nyemprung ngaliwatan peuting nu ngengklak nuturkeun ramo nu teu daek cicing luhureun setir. "kendang pegat rarawatna, kulanter totos kulitna.." haleuang nu maturan beuki ngahaneutan rasa. Ras inget sajam katukang. Di hiji kafe nu simpe. Sabada kuring ngalegik cai warna bulao kolot tina gelasna. Aya harewos ogo luhureun taktak kenca "iraha atuh kang? Abdi pan tos saratus dinten pepegatan.."

PAMENTA

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 19:43:50

Sangu haneut, peda beurum, beuleum peuteuy jeung sambel tarasi, mangrupa pamenta Neng Rukmini, TKW asal Indramayu nu dihukum pancung ku logojo, alatan dituduh ngabunuh dunungana nu rek merkosa manehna, buln dua taun 1984 H.

NU CEURIK

Kénging Munggaran Alfatih Z
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 19:38:29

Peuting nu rehe comrek peupeus deui ku nu nginghak bangun kanyenyerian, sorana pagaliwota jeung gaang, pangangguran ku kuring d teang kana lebah angin nu ngahiliwir dina sesela pucuk eurih taya nanaon, kana lebah celak-celakana bentang,suda. Handapeun hieumna mega, molongpong. seak lumpat ka jomantara, lenglang. Sanggeus weleh teu manggihan sasaha kuring reureuh sajongjonan, nu nginghak beuki atra kadengena, barang ret ningal kalebah dada geuning nu nginghak teh katunggara dina batin kuring sorangan.

RAZIA

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 18:51:39

Nu keur ocon na dipan téh silih kiceup deui, silih méré isyarat. Duka rék ngalakukeun naon deui tah, duka. Sakitu geus luut léét ku késang ogé. Sakitu geus jam dua belas berang ogé. Eh, siga nu teu maliré. Siga nu teu inget kana waktu, teu nempo kana kaayaan. Enya, siga nu cararuék wé, alam dunya téh siga nu keur maranéhanana sorangan. Teu nyaho di gigireun imahna mah, di gang, ramé. Saurang gé pamuda euweuh nu teu mawa pakarang. Geus sayaga, geus sariap-siap, geus taratan-tatan. Siga nu rék indit ka médan perang. Ramé pokona mah. Aya nu mawa tarajé, aya nu mawa palu, aya nu mawa linggis, aya nu mawa arit, malah nu mawa bedil mimis ogé aya. Sigana kari nungguan dipritkeun wungkul ku Pak RT, kabéh gé pasti ngaburusut. Ih…matak soak, amit-amit, naudzubillahimindzalik ya Alloh, astagfirulloh, ulah kabawa ku sakaba-kaba, Allohu Akbar!!!

PAMUNDUT NYI ONEH

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 18:42:57

Ibro : "Neh sing yakin kana kacinita akang moal luntur ku waktu moal laas ku mangsa,anjeun lir ibarat mutiara nu ngagenclang dina hate, akang teu sanggup hirup mun anjeun teu kapimilik, geura pok hayang naon, pikeun bukti kacinta akang ka diri anjeun?"
Oneh : " hatur nuhun Kang, aya sakedik kahoyong oneh nu kedah ku Akang ditedunan, pun bapa hoyong dipanggaleuhkeun mobil anyar, pun biang nyuhunkeun dipangdamelkeun bumi nu sae, pun lanceuk pasihan motor Ageung, pun adi biayaan kuliahna., ari onehmah cekap ku arots we 2 milyarmah"
Ibo : " Muhun mangga, Podaran we atuh aing teh oneh ! "

GERBANG ANYAR

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 18:34:23

Tadina sok hohoak, sagala nu dipilampah anak buah, pasti aya codékana, tapi seja tadi isuk” beungeutna marahmay, laju nyalaman ka kabéh anak buahna, bari teu weléh ménta hampura, jog asup kanu mobil, di baréngan ku teuteup anu jigrah atoh, ngalieus muru gerbang anyar… PANGSIUN…. *2.

RAMPAK GOONG

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 18:21:47

Ayeuna mah urang nyieun kasenian nu rada model nu kaitung kolosal pikeun nyalurkeun potensi para seniman di lembur urang tapi kade ulah nepika nyaruaan bentuk nu geus aya . Tah kumaha mun urang nyiptakeun kasenian rampak goong !

DUKUN

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 17:52:51

Ras jadi inget deui kajadian tahun kamari. Basa Kang Yondi datang ka imah kontrakan jeung Téh Ineu, pamajikanana. Kang Yondi nyarita yén yakin kuring boga élmu nu linuwih. Harita kuring ngan seuri, komo basa dipénta pangnyaréatankeun ku jalan ngamandian, sugan jeung sugan bisa buru-buru boga anak. Satadina mah teu ieuh dienyakeun, kuring gé ukur ngahéhéh, kajaba komo dianggap dukun. Ngan beuki remen pisan ngomongkeun éta téh, Teu ieuh dienyakeun atawa nolak.

"Akang percanten ayi tiasa nulungan", ceuk Kang Yondi harita.
"Kembangna tos sayogi, bilih kagok, Akang ngantosan di warung kopi", pokna
bari ngasongkeun kantong kérésék tuluy ngaléos bari nepak taktak kuring.

Paduduaan jeung Téh Ineu di kamar mandi, teu kungsi kaimpi-impikeun acan,
Ari keur natamu, osok éta gé maling neuteup ka Téh Ineu téh.
Ari ieu ? kuring bisa anteng neuteup leleb.

Awakna nu ukur dibulen ku samping semet dada. panonna peureum. Buukna nu
panjang ikel ngarumbay, ragrag na taktak. Kadéngé pisan sora rénghap ranjugna,
atawa boa nu kuring. Paudag-udag. Komo basa mimiti ngaguyurkeun cikembang kana
embun-embunana, maseuhan buukna, kembang nu nyarangsang dina taktakna,
nepi ka basa leungeuna laju nyingraikeun buukna, sampingna leupas, ragrag,
tuluy ngalumpuruk, ngagunduk. Téh Ineu teu reuwas atawa kumaha, kalah tuluy
neuteup kuring bari panon nu semu alum. Kuring teu walakaya, natra pisan haroshos
basa Teh Ineu tuluy ngalaanan baju kuring nu milu baseuh. Jibrug, sagalana.

Dina panganggeusanana, kuring ngaharéwos,
"Teh ngibakanana mah geuning teu cios ?", semu ngaheureuyan.
Teh Ineu ukur imut, bari nyiwit leutik.

Poé ieu, kuring diondang walimahan Akikah, kuring paadu teuteup jeung orokna.
Halisna ngajepat hideung, persis jiga nu kuring;

KURU SÉTRA

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 17:38:30

Konta manjing warangka, Pergiwa jadi Randa.

FIKMIN

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 17:25:02

SERI"

Mang Jupri keur nguseup, diuk sisi balong romana jiga nu kesel. Sihoreng geus mangjam-jam bari panas jeung lapar, can beubeunangan. Keur kitu, aya budak ngaliwat nanya:
"Mang keur naon?"
"Kadeuleuna siaah!!" sentak Mang Jupri.
Gebeg budak reuwaseun. Disentak teu pupuguh.
"Aing nanya lalaunan naha ditembal ku ambek," pikirna. "Dibales ku aing."
Budak mikir, otakna muter. Teu lila:
"Can beubeunangannya? Ku naon eupana?"
"Nya ku cacing bebel!!" sentak Mang Jupri deui.
"Ooh paingan ... tong ku cacing atuh Mang di balong ieu mah."
"Nya kunaon nyah?"
"Ku siki salak!"
"Oh kitu? Bakal meunang nyah?"
"Nya mmoaal gobloog ...!" budak nyentak tarik pisan, becir lumpat. Mang Jupri olohok.
"Hiji-hiji siah Jupriiiii ...!" gorowokna ti kajauhan.

TKW

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 17:24:57

Mulang ka Lembur, Teu maké sirah.

HAWARA

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 17:22:51

Nincak lima bulan rumah tangga, Orokna medal kadunya.

KALENDER MEJA

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:42:29

Kalender meja nyangsaya digantungan tanggal kari salambar. Anu unggal poe sok disampeurkeun, moal lila deui bakal disoekkeun bareng jeung ragana jadi pangeusi carangka runtah. “Teu perlu hanjakal da memang kitu pernahna,” ceuk meja satengah papatah. Kalender rada ngabalieur tina omongan meja, barung jeung laleur anu ngulincer. “Nya dimana yasa kuring geus maturan sepanjang taun. Awak rocet jadi catetan mangpirang kajadian. Tampolana dikekesek jadi tilam kakeuheul. Naon salah kuring?”

Cimahi, 30112011, (Rebo tabuh 16:39)

STATUS

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:41:59

DUH, BEBERAPA INGON-INGON DAKU BELUM DIKASIH TUANG EN BELUM PADA BOBO. KASIHAN TUCH ENTOG HADIAH DARI SBY PULANG-ANTING SAJA, KAYAKNYA MAU ENDOGAN. WADAWWWW........ DOMBA JALU HADIAH KANG DICKY CANDRANEGARA BELUM DIIBAKAN. PANTESAN BAUNYA NGAHEOS KA KAMAR. IH.... NAPA SICH KEBO BIKANG NANGIS TERUS DARI TADI? OH... IYAH, DIA BELUM SARAPAN MALAM........

Sugan Teu Eling nu Nyieun Status model kitu...... komo nu macana jeung nu mere komen mah...... wakakakakak gabrugggg!!!!

BIRAHI DESEMBER

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:35:03

dinten enjing birahi desember manglambar-lambar, sok sanaos nu dipikangen tos kagunasita ku tukang kiridit ti cosiva nagara, namung kasono mah teu weleh nyoso ka anjeunna....

PIN ATM

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:26:02

Kang Somad jeung Ceu Asih saumur-umur kakara boga kartu ATM, pedah eta oge dipaksa ku anakna nu geus gawe di kota. Iraha teuing bisa nabung di bank, keur sapopoe ge ngan unjak-anjuk ka warung. Isuk-isuk duanana indit ka ATM hayang nyobaan kumaha nyokot duit tina mesin teh. Ceu Asih jeung Kang Somad nangtung tukangeun nu keur nyoko duit. Ceu Asih ngintip tukangeuna hayang nyaho PIN batur sabaraha.
"Asih, nanaoan ari maneh, teu meunang kitu, palahak-polohok ka nu batur," carek Kang Somad.
"Kang, abdi apal PIN jalma ieu nu dihareup." Nyi Asih bungah bari ceuceuleukeuteukan.
"Maenya Asih, sabaraha PIN na?"
"Genep bintang Kang!"

OMAT NYA

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:21:20

na hate kuring aya cahya nu hirup,omat pisan ulah ditiup..
omat pisan bejakeun ka jungjunan kuring.ieu cahya teh kacipta tina deudeuh nu anteng na maneuh.
omat pisan pangnepikeun,,kasaha oge ulah ngadeukeutan,kulantaran kuring ngeupeul nineung na leungeun.
bisi kumaha onam.pangpangna ieu nineung bisa niruk dada anjeun

OBROLAN KAKAYON

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:07:27

geuwat euy pace`kel ce`kel leungeun..itu sakadang angin ngamuk.
ceuk,tangkal damar bari rarampeolan

SALAH NGAADZANAN OROK

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:04:06

Haji Iyad ker nungguan pamajikana nu rek lahiran di imahna, ceuk carita dulurna mah pamajikan nu ka genep, ie oge nungguan anak nu kagenepna. Di parajiana ku ma Ijah, H. Iyad bari karalang kuring di tepas imah bahamna kumat kamit siga nu apal kana jampe, Teu sawatara lila ” oa,oa,oa sora jabang bayi disada tijero imah, nandakeun bakating ku kaget, geuning lega alam dunya teh, celengkeung ma Ijah nyambat H. iyad “ jii…..(diala hajina wungkul) adzanan orokna” H. Iyad nu tatadi curinghak rada nu semu gempeur barang abus ka jero imah teh, “ adzanan budakna Ji…ceuk ma Ijah nitah kadu kaliana. Gewat budak di pangku bari nyarande kana lawang panto kamar, ngong H. Iyad ngucap “ Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allooohu Akbar, laa ilaa haillallohu Allohu Akbar Allohu Akbar walillah Hilhamd…..” duduluran nu sejen jeng ma paraji bengong naha H iyad takbir sanes adzan…….

SEURI

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 16:01:05

meureun poe ieu mah,kuring rek seuri sorangan.
sugan pageto mah kuring seuseurian jeung anjeun.

NGALAYANG

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 15:47:05

angin reureuh. taya hiliwir nu ngagilisir kana kulit. leungeun pageuh ngeupeul pulpén. panon dipeureumkeun miharep kalangkang anjeun mingkin mideukeut. detik ngeteyep, marengan léngkah aksara nu ngahunyud hésé diudarna. panon tuluy peureum, dina peteng aya halimun alon ngajungkiring. antaré nataan kamelang nu kimpel ngaganjel kamalir getih. "kumaha cara nuliskeunana, horéng ungkara ukur wawadah nu heureut nadah kanyataan ieu" dampal leungeun baseuh. késang karasa nyakclak kana keretas nu parawan. "gustiii, eungap.. eungap, ampuuun.. ieu kanyataan geus mudal.. ampuuun gusti..!!" panon beunta lalaunan, rénghap mimiti ngalongkrang. hawa diseuseup jero pisan. gebeg, haté reuwas naker. embun-embunan karasa geus antel nyundul lalangit. pulpén ragrag. katingali nyangsaya di handap. ngabebengkang sagigireun keretas nu parawan kénéh.

MAKE DADU

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 14:59:05

“ Duh,Gusti kuring kudu kumaha ,di dunya kuring sorangan , indung bapa geus maraot “. Ceuk eta budak bari ceurik . Gek manehna diuk di buruan batur bari ningali barudak leutik keur arulin ular tangga . Manehna saregep ningalikeun. Pok ngomong sorangan : “ Kumaha nya lamun kuring ngajalankeun hirup make dadu ,ngarah nepi ka jalan nu bener jiga dina ular tangga “. Kereteg hatena ku manehna di lakonan. Tuluy wé manehna nyorang hirupna make dadu,nepi ka manehna aya di hareupeun Indung Bapana.

SMS TI CEU ETTI RS

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 14:47:36

Rada beurang hudang tēh. Ēta gē pēdah baē kahudangkeun ku sora hēnpon. Singhorēng SMS ti ceu Etti RS. Bagja. Reueus. Bingung. Pagalo. Teu rēk kitu kumaha atuh. Meunang SMS ti pangarang awēwē nu geus moyan. Tina nomer anjeunna deuih. Etti RS enya, lain ēētiērēsan.
Ana dibuka, eusina pangogan. Ngajak uink jadi pamilon dina Konperensi Internasional Budaya Sunda, alpukahna Yayasan Rancagē. Sumpah, uing atoh liwat saking. Tapi tuluy kerung, basa maca tuluyan SMSna. Saban pamilon kudu mayar waragad 350 rēwu pērak.
Keur saayeunaeun mah, kajeun rēk disebut teu nyaah kana budaya sunda gē. Enya. Ayeuna mah uink moal waka milu aub. Atuh da mun uing miluan tēh, uing kudu nyadiakeun waragad tilu tikeleun ti ēta. Tikelan kahiji jang daftar. Tikelan kadua jang bekel. Tikelan katilu jang mekelan nu ditinggalkeun di imah, si jalu kadua indungna.
Hampura, Ki Sunda.

PARFUM

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 14:43:40

Opat taun ngumbara balik teh teu wudu rebo kubabawaan,bari teu
poho meuli cocooan keur anak lanceuk nu meujeuhna kembang buruan.
Tah nu ieu mah keur nanang ceu.bari ngasongkeun momobilan
-Duh nuhun emangna hayang pisan momobilan nu model kieu teh,jeung
meni sarua pisan jeung nu cep denih putrana neng kokom,ceuk lanceuk
bari neuteup jero pisan
Hiji harepan leungit teuing kamana.lelembutan asa didudut ku mobil derek,
parfume bulgari di alungkeun kana wadah runtah.

MUN PARENG

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 14:00:02

. Hujan geus turun, marengan murubutna cimata kabungah. Poe ieu keclakna parat kana hate. Maseuhan beja. Nu harita unggal pengkolan jeung logakna apal lebahna.

NU NGALIWAT DINU POEK

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 13:23:28

reup langit poek mongkleng,kalangkang-kalangkang hariwang leuwih atra dina beungeut hujan.
Dina poek nu samporet,kuring bangun dedeuh.
Hate bet ngabade bae.
Heureut ti tilu poe,
anjeun direndengkeun jeung deungeun

AKAD NIKAH

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 13:19:57

“ Tarima abdi nikahna……………kalayan dibayar tunéy “, ceuk pangantén
“Hadirin.. kumaha ? syah ? “, tanya lébé
“Syah…syah…syah..” ceuk nu haladir laju kaleprok suka bungah. Indung Bapana pangantén ogé milu surak bungah nu taya papadana.

Aya nu nyerangkeun ti deukeutna tanwa rupa, teu katingali ku balaréa,
“Deudeuh teuing….anaking, deudeuh teuing….ucu, sanés kitu nu sakedahna “, manéhna ngarangkul nyium tarang pangantén bari ngadunga ,“ moga jadi kulawarga sakinah mawadah warohmah, diparinan katurunan anu soléh-soléhah “, bari murubut cisoca.

PIPISAHAN

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 13:05:07

Teu kungsi panggih deui basa manehna dipaksa indit. Ngan memeh les, tembong remana nu lentik ngalangkang satukangeun kaca mobil. Siga nu ngahaja hayang katingali. Keur panganggeusan. Sanajan ukur rema. Remana...

GERENTES

Kénging Iim Rusmana
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:57:45

gerentes sora hate anu tagiwur,,,, ratugna lir tutungulan,,, corojodna tuur paganti jeung toroktokna huntu anu paketrok,,, marengan buringasna jalma anu sarakah,,,, nandasa taya rasrasan,,,, dug diri,,,, mugia,,,,,

CAN DIJUDULAN

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:56:17

Fikmin : # LUK-LUK #

Si Luk-luk budak kuring, edas pisan jarambah "selera" senina. Keur burey keneh resep kana haleuang adan, nincak dua taun sok ngengklak jeung ngawih pop sunda, jaipongan tur dangdut. Najan cianjuran diliwat, manjing opat taun mah manehna geus resep ngulinkeun wayang . Ngan ayeuna asup SD, bet sok katempo keur ngajarkeun ketak jeung hoak rep ka babaturanna saihwan. Jigrah lain bobohongan.Dipapatahan ku kuring ?...teu pisan-pisan. Indungna nu ruruntuk tukang ngibing galuraan, tuluy ceurik aluk-alukan.

CINTA MUNGGARAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:55:17

Nu datang mawa kahayang, nyoréndang wujud kamelang, ngeusian lolongkrang kahariwang. Negrakeun haté canembrang, nu ngondang rasa longkéwang, némbongkeun haté nu méncrang. Muntambélar sok asa diheulang, laju ngahiang, ngajaul ka awang-awang, bantin ngilu kumalayang, seja néwak nu ngalayang. Nu beunang ukur kalangkang, manéhna keukeuh mulang. Ngabelesat ka alam padang, nu nyésa ukur bayeungyang, ngarumpaka béntang-béntang, hanjakal teu boga jangjang. Sorana nganaha-naha, bonganna teu gancang-gancang, heug...cangcang meureun bisa patunjang-tunjang, babarengan silih ganyang.

SULING DEGUNG

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:50:38

Di tengah-tengah geleledegan leuweung Papua ,aya sora gelik suling , suling degung liang opat , ngawihkeun gending cacandran .

ANJING

Kénging Didon Nurdani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:36:10

Srog, nepi ka panto. Kareungeu sora nu ngomong, katara semu nu ambek.
“Teu hayang nulungan na gé, ka jalma modél kitu. Siga nulungan anjing kagencét wé, ditulungan saenya-enya, ari pék kalah ngégél!”
Teg, kana haté asa neumbrag.
“Ari aing kaasup anjing kitu ?” Ceuk kuring na haté. “Enya, rumasa remen pisan ngarasa kagencét. Tapi da asa can rumasa geus ditulungan ku manéhna…”

NU NGANCIK DINA PUNCAK KATINEUNG

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:16:42

Langit madinah katingal cangra. Sanaos srangenge nembe nguniang tina istirahna. Kateuteup mangpirang murangkalih nuju silh udag sareng rerencangannana. Raray-rarayna cararaang. Salirana dibulen ku gindingna raksukan. Dintenan lebaran, ayeuna nuju dibagea ku sadayana.
Di palih sisi. Dina sela-sela kabingah nu nembrak payuneun masjid nabawi. Aya hiji murangkalih nu reueuk rarayna. Aya cisoca nu ngeclak kana sampean nu teu disendalan. "naha teu ngiring bingah, anaking?" aya soanten nu halon, tapi karaos geter deudeuhna. "abdi mah yatim. Abdi mah teu gaduh bapa.." bari nginghak, bari ngarakacak. "upami kuring muhammad bin abdulloh janten rama hidep, kersa teu anaking?". Ku jungjunan eta murangkalih dirangkul. Dieunteupan imut kaasih. Nu tos lami teu karaos ku eta murangkalih.

NYONGKAB

Kénging Reumis Janari Kasep Meueusan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 12:03:08

"hareudang ayeuna mah...asa kaseunggah rek ngalengkah,da geuuning geus wayah lohor ieu teh...?!"nguniang tina pangsarean.

MANG DAYAT,RINA JEUNG MIE AYAM

Kénging Rina Ismaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 11:59:43

+" mang dayat meser mie ayam mang!"
-" mangga sok calik heula"
+" kade mang..emih na tong nu pabeulit teuing..ke hese nuangna
sayurna rada leuwihan saeutik..sakalian we jeung bonggolna abdi resep mang
hayamna hoyong dagingna wungkul mang..kamari mah pacampur jeung hulu na abdi sieun mang ,saosna tong seueur teuing ,cekap we satengah botol..sieun nyeri lambut
kuahna tong sadulang , kan moal kawadahan..he..he
hiji deui..sendokna hiji we..tong salosin
Katinggali mang dayat rada ngahuleung jiga nu ambek
- " ina ..geus we ina nu ngaladangan ..loda teuing pamentana"
+ "ih ari mang dayat,biasa we ari pelanggan mah..tapi teu nanaon wios abdi nu ngaladangan..barina oge ..lamun diladangan ku mang dayat ..teu pati raos"
-" euh ieu mah pelanggan ngabangkrutkeun" kukulutus
+"mang dayat nyarios naon?
-"ah heunteu...sakalian amang ge pangdamelkeun..lapar yeuh"
+ " et..mang dayat..abdi bade naros..sabenerna nu dagang teh saha..abdi atanapi mang dayat?"

LALAKI

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 11:52:16

Gerung. Sora mesin motor meupeus simpēna peuting. Kulutrak. Sora nu muka tulak. Kuring nilepan mukena. Di tepas, kasampak manēhna keur notor alkohol. Leungeun katuhu ngeupeul balati nu lamokot getih. Teuing lalaki mana deui nu geus jadi korbanna. “Geuning bet taya eureunna ngumbar kaceuceub tēh, anaking”, cekēng semu ngeleper. Manēhna mencrong.
“Kaceuceub, Ma, nu nyababkeun uing hirup kēnēh tepi ka peuting ieu”, pokna. “kaceuceub Ema ka lalaki nu kuduna jadi bapa uing”.
“Gustiiiii .... !”
Ras. Inget deui kana kajadian welasan taun katukang. Ka kota nu ngabebela. Ka welasan lalaki marakē saragam nu ngaduruk hotēl. Ka pangantēn awēwē nu digadabah hareupeun layon salakina dina peuting munggaran. Ka kuring nu teu apal, lalaki mana nu jadi bapa anak sorangan.

FIKMIN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 10:58:26

Darah Bir

Jadi sabenerna mah kieu Jang.ceuk Bapa Ganda pramanggala suratmaja wisesa ka hi
ji pamuda anu nganjang ka bebene na Neng Nyimas Wulan kusumah
-Bapa lain teu panuju ,ujang mileuheungkeun anak bapa teh,ngan ujang meureun apal
keluarga bapa teh teureuh timana?,jadi bapa kudu apal ujang teh kokocoran timana,
rundayan timana da kitu,beusi kudu jeung beusi,tambaga jeung tambaga deui.
Keur ditalek kitu kirining sms, diilikan dibaca.deuh mawa tatag kana hatena.
+ Janten kieu pa saleresna mah upami bapa naroskeun perkawis teureuh mah,saurna
abdi teh,gantung siwurna prabu siliwangi,udeg-udegna kian santang,janggawareng
dalem wiranata kusumah ,bao buyut incu ti raden Otto Iskandar dinata anu nelah si j
lak harupat tea.bilih bapa teu uninga we,kitu saur wartos mah Pa.!! sareng permios
teu tiasa lami da ieu aya sms aya wanoja deuih ngantosan abdi.
Gejlig muru ka jalan,bari leumpang sms dibaca deui.
Akang abdi ngantosan di pengkolan tukang baso nu biasa tea,apih mah ulah dilayan
kang,abdi moal gedag ka anginan micinta akang,akang teh beubeuruh abdi nu panu
tung pikeun hirup abdi babarengan.
Duh dunya teh meni lega. jalan ngabalungbang timur..

KA23

Kénging Hadzy Dkc Propitious
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 10:38:43

"Ceuk beja nu ngarana helm lain keur sirah wae..!!"

HEMENG

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 10:15:15

Asa hemeng rék nulis téh. Lain pédah ku loba pikiran, lain ogé keur teu keyeng, ngan asa jauh lalangitan pisan jeung tulisan-tulisan anu arahéng, anu pikasediheun, anu matak pikaseurieun komo anu matak kerung tarang jeung késangan kana beuheung mah. Lain ! Lain teu hayang nulis jiga kitu téh. Da ceuk uing mah, nulis mah teu kudu dipikiran, nulis mah ukur nembrakkeun nu tingkuliwid na jero haté, sa-ebréhna, sajalantrahna, najan sakapeung mah dipapaés ku ungkara, ngarah aya nu didinding kelir gendang siloka. Ngan angger baé asa hareugeueun mun seug rék nataan rundayan kalimah téh. Rék diajar, sugan bisa jiga batur.

Tuh, kumaha matak kagugu-na kang Godi Suwarna nyaritakeun pangalaman basa ngais kembang sedep malem sakeupeulan na angkot basa indit ka Rumentang jeung Neng Rahma, Kumaha matak pogotna ngabayangkeun Kang Rudi Riadi nu sok remen dipencetan ku Wiwi, ponakan pamajikanana nu sok talobéh dasterna teu dikancingkeun, atawa kumaha Kang Hadi Aks nyaritakeun haté Guru Kohir nu asa digerihan basa ngulangkeun leungeun nabeuh loncéng.
Kolonang ! Kolonang ! Haté uing milu ngolonang..
Kajaba ti Mang Tatang Sumarsono, anu basa bébéja ngeunaan ceu Wawang, haté uing bet asa gudawang..

Asa hemeng rék ngencarkeun dongéng ieu gé. Sing bisi kumaha, sing jadi matak.
Moal, moal rék dikencarkeun, kajeun batur teu apaleun, rék disidem wé na haté...

GEUMPEUR

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 09:25:22

Para ondangan geus karumpul di imah. Patugas KUA kalayan dibarengan ku Mang Lebe Osid karek datang. Pribumi cuh-cih sibuk ngalayanan semah. Pangatur Acara teu kurang sibukna ngatur sagalana sangkan beres roes taya halangan harungan. Dua panganten geus direndengkeun, tiung bodas nu pinuh ku renda ngahaja diturubkeun kana sirah panganten, Teuing naon maksudna, kuring ge teu apal. Na'ib ngamimitian khutbah nikah kalawan jentre, saeutik tapi matri kana ati. Tuluy disambung ku acara ijab-qobul. Gep dua ramo panganten lalaki dicepeng ku Bah Salim, bapana Ceu Iho nu harita jadi wali, ngong manehna nyarita, "Ujang Udin, Abah ngawinkeun anak Abah.... ka Abah............".
Atuh, kelepek we panganten lalaki kapiuhan................

LALAKI JEUNG KATUMIRI

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 09:16:27

Lalaki nu kapati-pati ku katumiri, anteng mencrong laut, nyokelan tato kapeurih nu raca na hatena.. “ Uing panggih jeung cinta di dieu, dina cai laut nu ngagolak !” gerentesna. Cahya bulan geus waktuna surup, tapi manehna teu ieuh mindahkeun ingkah. Tanggah ka luhur,ngumbah langit ku cipanonna. Breh …Katumiri nembongan, gugupay, ngajak hatena lunta. Teuing rek mawa nyumput dina garis warna nu lebah mana ?.

SUKURAN

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 08:54:01

Sanaos Ua ngalandih abdi si Boled, majar abdi bodo jaba sok leleda, di sakola mah abdi teh janten KM. Sur Pa Guru, abdi pantes mingpin kelas margi katurut ku rerencangan, tara baha kana tugas, sareng surna sok tangginas pami nampi pancen ti sakola. Alhamdulillah, tara aya nu nyebat si Boled di sakola mah …

KABIASAAN ANYAR

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 08:49:48

Aya kabiasaan anyar, saacan indit gawé, macaan fikmin, laju dijempolan, nepi kantor aya nu poho, jempol tinggaleun… *1.

HOSTES

Kénging Budi Muhammad
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 07:56:18

24 x 24 jam

TADI PEUTING JAM 10

Kénging Budi Muhammad
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 07:36:30

Asa ku èndah,
nikmat kabina-bina.

Tadi peuting,
bedog asup ka na sarangkana

MENCRET

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 07:13:13

Sora rebab nu nyasaak rasa marengan galindengna Sinden nu halimpu. Kolenang, kendang, goong, jeung nu sejenna sarua jiga nu teu pati sumanget ngaluarkeun kamonesan masing-masing. Tukang alok katingali di juru panggung rambisak. Geus sapuluh carecet beak dipake meres cipanonna nu terus-terusan ngucur. Para nayaga bangun taya tanaga mirig Ki Dalang nu keur bubuka.
Toroktotktoktok............. Ngong sora Ki Dalang muka carita, "Kacarioskeun....", toroktotktok..........., "Raden Gatot Kaca 'e'ehna mencret" toroktoktok......... , "salirana ngalempreh..... lungse kacida....."......

PILIH KELIR ACAK CORAK

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 06:57:29

Teu sangki geuning, salira teh sapertos nu nuju pilih kelir acak corak, mamanawian aya nu haat lilir bari teras ngaleueut arak, hanjakal saparantos emutan salira lilir, horeng nu kapilih teh aya dina warna nu norak....

ANAKING

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 06:24:27

Noroweco najan nyarita can tatag,paaah,papaaaah..bari panangan ranggah,ku kuring ditangkeup digalentoran anjeun nangkeup kana beuheung.kuring tanggah ngarenjag mangsa neuteup poto anjeun imut lucu polos taya dosa.Duuuh anaking sugan teh lain anjeun nu mulang kamari

SONO NU PAMALI

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 05:57:14

Surya jeung Ratna ukur silih teuteup ngararasakeun geter dina jajantungna sewang sewang nu pohara rongkahna,kamar villa ukur bisa cumalimba nitenan dua anak manusa ngagadabah mangsa."Ratna..akang neda dihampura,kuduna urang ulah milampah ieu "ceuk Surya ka Ratna,urut kabogohna di SMA baheula.Ratna ukur imut bari nangkeup tuluy ngaharewos kana ceuli Surya "Geus nyampak na gurat leungeun urang duaan kang " cenah "Salaki abdi ge sarua purah ngarucah kanu lian " Ratna nuluykeun omonganana, sorana ogo sugema pedah geus kabedahkeun peurihna nu salila ieu ngeyeumbeung dina lolongkrang hatena.

GATOTKACA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 00:43:03

Nojér ti mumunggang gunung Manglayang. Suat-siet némbongkeun ka monésan. Clé eunteup luhur pager kaldéra Tangkuban Parahu, tangtungannana jangkung leutik, buuk pondok disisir kalawan rapih, beungeutna kasép, ngan bajuna sereg warna bulao, pedah aya tulisan “S”. Nu nyaksian kaleprok, pangpangna mah kataji ku kakasépan jeung kaparigelannana dina hiber.
“Saha urang dieu anu tiasa hiber? Upami aya hayu urang balap!” nangtang.
“Hayu ari keukeuh mah hayang balap.” Lalaki jangkung badag turta kumisan ngadeukeutan.
“Tiasa kitu anjeun hiber kawas kuring?”
“Éh, teu apaleunnya. Piraku urang India apal, tah Gatotkaca. Yu urang balap!”
Nu lalajo keprok ningali Gatotkaca balap hiber jeung lalaki bulé nu maké baju sereg.

SAJAK

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Novémber 2011 00:07:54

“Satengahing Ringkang
Karya Godi Suwarna;
Hariring angin rumangsang
Ka landeuhkeun, nebak rénghap saamparan pucuk entéh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lélénglang langit
………..”
Jut manéhna turun tina panggung, diuk gigireun Ulis. Luk tungkul bangun nu sedih. Ulis ngarérét, “Kunaon ilang geus maca sajak téh bangun anu sedih?”
“Iraha uing bisa siga Kang Godi? Manggung gé uing mah bubuhan 17 Agustus dititah ku Pa Kadés.”
“Kudu rajin diajar atuh! Ilaing téh pan generasi muda...”
“Teu kapikiran diajar gé. Tong boro nulis sajak jiga kitu nyieun fikmin gé loba ngahuleng ti batan nulis, ari diposting loba salah.”
“Anjeuna mah apaleun ilaing sedih.”
“Apal timana kitu?”
“Gaduheun Kaca Trenggana, ngan ulah ribut saurangeun wé.” Ceuk Ulis daria.